Anda di halaman 1dari 1

CARPON PONDOK

Kajadian Teu Disangka-sangka

Tos jadi hiji kabiasaan upami tos beres sholat maghrib teh, rudi ngapalkeun. Ngawitan ti
ngarengsekeun PR dugi ka macaan deui anu tadi diajarkeun di sakola. Harita, pun biangna
sareng kulawarga sanesna ngadadak kedah ka bumi amangna, margi bade sukuran bumina. Ku
kituna sadaya kaluwarga mios ka bumi amangna, iwal rudi sorangan. Soalna, saupami ngiring,
tangtos PR anu sakiti seueurna moal rengse mangkaning enjing-enjing pisan kedah tos ka
sakola.
Wengi eta rudi cicing dikamar ngarengsekeun PR sarta macaan buku kanggo enjing bari
jeung rada sieun. Alhamdulillah margi jempling, pangajaran teh asa gampil nyerep kana otakna.
Padahal teu aya ulangan.
Tabuh 06.00 WIB pas, rudi mios ka sakola. Asa tenang teu deg-degan margi PR anu
sabreg-bregan teh rengse sadayana. Rerencanganna nararoskeun naha aya ulangan henteuna.
Rudi yakin yen dinten harita mah moal aya ulangan. Atuh tenang-tenang wae ngobrol bari
ngantos bel disada. Saparantos bel tanda lebet ka kelas disada, sadaya murid kelas 1,2,3 lebet
ka kelasna sewang-sewangan. Jam pelajaran kahiji teh nyaeta matematika. Bapa Eki guruna teh.
Barudak simpe, margi Pa Eki tos lebet ka kelas. “Wilujeng enjing Pa!”
“Kaluarkeun kertas dua lambar, dinten ieu ulangan!” saur Pa Eki.
“Haaahh, pan teu diwartosan Pa, dinten ieu ulangan!” barudak reuwas bari protes.
Kalintang deg-degannna sadaya murid harita, margi kedah ulangan matematika. Soalna mah
teu seueur mung lima tapi jawabanna teu cekap dua lambar. Tegang, deg-degan, stress campu
jadi hiji.
“Ya allah untung abdi teu ngiring jadi tiasa ngapalkeun, soal-soalna tadi wengi tos dipelajari,
nuhun gusti” gerentes hate Rudi.
Ketatna pa Eki dugi ka teu tiasa ngareret sakedik-skedik acan. “Teet...teet...teet” sora bel disada
tanda waktos pelajaran seep. Barudak pasrah iwal ti Rudi, kertas ulangan dadakan
dikempelkeun. Enjingna, sadaya barudak ngariung dipayuneun papan pangumuman. Rudi
kacida reuwas nembe g dugi kasakola, sadaya rerencanganna ngasongkeun pananganna. “Wah,
wilujeng..wilujeungnya, peunteun matematika pangsaena!”.

Anda mungkin juga menyukai