Anda di halaman 1dari 2

TUGAS BASA SUNDA

Nama : Medina Arayan


Kelas : X IPS 2
No. Absen: 19

SASAKALA TALAGA WARNA


Jaman baheula aya hiji Raja namina Suwartalaya nu kacida beungharna, tapi hanjakal anjeunna teu
gaduh putra. Raja geus kaditu-kadieu tatamba sangkan Prameswari Purbamanah tiasa ngagaduhan putra.
Dikersakeun ku anu Kawasa nya Prameswari teh ngandung. Kanjeung Raja kacida bungahna
ningali Prameswari ngandung. Nya dina waktosna lahir hiji Putri nu dinamian Gilang Rukmini teh kacida
geulisna. Ku nyaah-nyaahna sagala pamenta Putri teh taya nu dipungpang. Estu dihayukeun pisan.
Ngan hanjakal pisan saparantos rumaja Putri adat tabeatna awon pisan kanu janten sepuh
ngalawan, sakitu sagala kahayongna te dipungpang teh. Raja sareng Prameswari sering nangis upami
emut kana talajak nu janten putrana teh.
Dina hiji dinten Putri aya pamundut, tapi ku Raja atanapi ramana teu tiasa ditedunan. Atuh
gantawang wae nyeuseulan seseepan. Inten berlian pamasihan ramana diawur-awur payuneun ramana,
sirikna henteu kana pameunteu Raja sareng Pameswari ngawurkeunana teh. Kitu kersana nu Maha
Kawasa, na atuh bari burial teh cai tina taneuh, beuki lila beuki ngagedean, nu ahirna karaton kakeeum.
Leungit karaton tenjo talaga.
Nu kawenehan dina talaga teh sok katingal sarupaning warna-warni matak endah katingalna.
Cenah eta teh kusabab Inten permata anu diawurkeun ku Putri tea.
ANALISIS DONGENG
1. Sasakala Talaga Warna ie nyaeta kaasup kana jenis dongeng Sunda
2. Unsur Intrinsik
a) Tema: Tentang kamanusaan
b) Galur atanapi Plot: Ngagunakeun alur maju
c) Tokoh: Raja Suwartalaya, Prameswari Purbamanah, Putri Gilang Rukmini
d) Watak:
 Raja Suwartalaya : welas asih, wijaksana, sae ati
 Prameswari Purbamanah : welas asih, sabar
 Putri Gilang Rukmini : Manja, goreng patut

e) Latar atanapi Setting


 Tempat: Kraton
 Suasana: Tunggara, bungah
f) Amanat: Janten jalmi nging sagawayahna, sing hormat kanu janten sepuh
3. Pamohalan ie dongeng nyaeta “burial cai tina taneh sangkan ngeeum kraton sarta warna cai anu
warna-warni
4. Dongeng ie aya sasaruanna jeng dongeng ti daerah sejen nyaeta Talaga Warna nu ti daerah Dieng

Anda mungkin juga menyukai