Anda di halaman 1dari 3

Membuat Artikel Perjalanan Selama di Bromo

FORTOPOLIO

Diajukan Untuk Memenuhi Tugas Bahasa Sunda sebagai Bagian Dari Fortopolio
di Kelas XII – Semester 2 - Tahun Pelajaran 2019/2020

Disusun oleh :

Azkia Putra Wibawa NIS.171810016

PEMERINTAH DAERAH PROVINSI JAWA BARAT


DINAS PENDIDIKAN
SMA NEGERI 1 CIANJUR
Jalan Pangeran Hidayatullan No. 62 Kabupaten Cianjur.
Telp. (0263) 261295 Web : www.sman1cianjur.sch.id Email : sman1cjr@yahoo.co.id
PANANJAKAN
Ku : Azkia Putra Wibawa

Dina kaping 26 September 2019 poé Kemis, kuring lalajo kaéndahan alam
Pananjakan, daérah Gunung Bromo, Pasuruan, Jawa Timur. Pananjakan téh nyaéta hiji
tempat di Kawasan Taman Nasional Bromo Tengger Seméru anu luhurna leuwih ti
Gunung Bromo. Di Pananjakan ieu, kuring jeung saparakanca tiasa ningali pamandangan
anu kacida éndahna, diluhur oge kuring tiasa ningali stars constellation anu kerlap-kerlip
ngahias langit dina waktu peuting, ningali sunrise anu teu aya tandingannana dina waktu
subuh, jeung ningal sagala rupa pamandangan Gunung Bromo, Gunung Semeru, sarta
gunung-gunung lainna nu aya di kawasan eta tempat.

Jang bisa ka Pananjakan ieu teh butuh perjuangan sarta kasabaran anu kacida
gedéna, pang utamana mah kuring kudu maké baju haneut anu kacida kandelna kusabab
cuaca jeung suhu di Pananjakan téh kirang ti 6 darajat celcius. Kacida pan tiisna jiga abus
kana kulkas! Teu éta bae, jang nganikmati pamandangan di Pananjakan téh kuring
saparakanca kudu berangkat ti pas asup Taman Nasional nganggo mobil Jeep tengah
peuting sarta jalan ka Pananjakannana teh kacida butut jeung curamna. Kabayang pan pas
di mobil gegejlugan jeung sagalatijedug kana kaca mobil jeep. Di tempat anu loba warung
jeung tempat asup ka Pananjakan kuring kudu turun tina mobil tuluy ngalanjutkeun
perjalanan ku leumpang, kusabab ka Pananjakan téh kudu naék tangga anu kacida lobana.
Sanggeus naék tangga, kuring nepi di tempat Pananjakan.

Kuring bahagia pisan bisa ka Pananjakan, salian ti bisa nganikmati kaéndahan


alam Kawasan Bromo, oge bisa babarengan jeung babaturan. Kuring ngobrol, hereuy,
babagi carita, curhat keluh kesah sarta bisa ngadamel moment anu teu tiasa dipohokeun,
khususna mah pas simkuring nungguan sunrise sareng hiji jelema anu ngajieun kuring
leuwih bahagia, nyaéta Sita. Kuringjeung Sita nungguan sunrise sabari nginum kopi
panas dina termos leutik, sarta babagi carita, canda,sareng tawa.

Pananjakan tiasa ngadamel saha baé anu datang kaéta tempat jadi bahagia sarta
leuwih bersyukur ka Gusti anu Maha Kawasa.

Anda mungkin juga menyukai