Anda di halaman 1dari 3

Sajak Wajib

ARCO ETRUSCO
Karya Acép Zamzam Noor

Kasimpé urang
diwangun tina tutumpukan batu
jeung torowongan-torowongan panjang
rajeg tihang-tihang jeung munara-munara
katedral. Kasimpé urang
karadak dina témbok-témbok
jadi tétécéan waktu
nu terus nanjak

Leuwih rumpil batan gunung batu mana waé


tapi leuwih ngungun batan haté
nu karahaan. Urang ngitung léngkah
sarta nimu isarah-isarah
lalampahan ngadadak katalimbeng
kebon-kebon henteu tumuwuh di langit tambaga
sedeng béntang-béntang geus lila tilem
ka balik bumi. Ukur sungut jungkrang-jungkrang
jeung barudak nu laluncatan

Kabaca tina dingding angin


pireuna méga jeung hujan nu kacandet
di jomantara. Terus urang mireng sagalana
gedong-gedong anyar dibangun
jalan-jalan nyalingker kawas ungkara
tatangkalan melar jeung murungkut
tapi srangéngé terus ngarérab lemah
mayit-mayit hudang tina kuburan
sagalan kasimpé urang

Dianggit tina éntépan imah


jeung kaangkuhan panto-pantona
lulurung pakampungan jeung labirin kota
tan wates. Kasimpé urang
ngabeku jadi patung-patung hideung

Analisis sajak arco etrusco


Tema :kematian/poe akhir di dunya
Judul :ARCO ETRUSCO
suasana :pikasediheun kusabab di sajak ieu dina paragraf 4 teh anu ngeunaan
kematian oge tiasa jeung ieu sajak teh ngingetkeun arurang kedah bertawakal
atanapi berdoa kepada allah swt
Wirama :kedah nganggo perasaan
Gaya bahasa :ngagunakeun gaya bahasa parumpamaan
Amanat :arurang sadayana kedah inget ka poe akhir nyaeta kematian dimana
arurang sadayana ayeuna kedah berdoa kepada allah swt,sareng berbuat baik oge .
Nilai ekstrinsik:
Nilai agama:arurang kedah bertawakal kepada allah swt

Nilai moral:arurang kedah berbuat baik ka saha wae

SAJAK PILIHAN
KEAN SANTANG
Karya Yus Rusyana

Geus papat sakabéh ajian di Nusa Jawa


candrabirawa ngapak ngapung nerus bumi
geus cepak kadigjayaan urang Pajajaran
sagala nyawana manusa sagala nyawana hayawan
taluk maring ingsun
nya ingsun anak ratu Sunda
nyakrawati cahya manik gilang-gumilang

Nya aing nu taya lawan


langit meneng bumi meneng
kahidep kakekep ku pangawasa aing

Dijorag Mekah lain saukur béja


ditéang singa tepi ka guhana
tiba jenenganana Prabu Kéan Santang maring ingsun
sir aing Siliwangi
rasa aing Rosululloh

Dempak Nusa Jawa ku pangawasana


dibeberik ramana tepi ka Sancang
mubus ka Embah Brajadilewa
dirabut kaboa ti Kopocondong
nanjeur jati tangkal panyadapan
rep kangkeng rep wangkeng
nagri asri jadi leuweung geledegan

Disapa singsaha nu wangkelang


ngahiang tinggal nu belang
dikeureut singsaha nu asup Islam
sibret jungkel saratus tinggal saurang
sasakala ngaran tempat Salam Nunggal

Sumirat agama Alloh di nusa tigang puluh tiga


subur tatanduranana di bangawan sawidak lima
mulih perang ngahalwat heula di Suci
méméh miang kieu pangandikana
geus tutas tugas kaula
ari tapsir-tapsir agama putu kula bagéanana

Di Pameungpeuk ngadon makuwon di Dépok


ngalanglaung puncakna gunung nagara
ceuk sakaol di dinya Kéan Santang makamna
Analisis Sajak
 Tema : Parjalan kahirupan sareng oge perjalanan ilmu islamna
 Suasana :menantang kusabab dina sajak eta dicaretakeun pikeun hesen
neangan ilmu islam nepi ka kamana mana
 Wirama: sumanget
 Gaya basa :Rarabulan
 Amanat :lamun urang gaduh cita cita kedah di tuju atau dicapaikeun,kumaha
bisa capai?dina berusaha kedah aya oge arurang bertawakal atanapi berdoa kepada
allah swt ambeh tujuan atanapi cita cita eta tercapai.

SAJAK NYIEUN SORANGAN

Pangnineung ti Gusti
Gusti Allah nuju masihan cintana
Manusa kaserang penyakit nu can aya ubarna
Corona ngaranna
Jalma jadi sarakah taya tungtungna
Meuli sagala rupa
Nyalamatkeun diri ina corona

Corona teh pangnineung ti gusti


Kanyaah ti gusti
Kadedeuh ti gusti
Yen urang kudu malik deui sagalana ka gusti
Nyegah perlu jang jaga diri
Ulah poho ngadoa ka gusti sang hyang widi

Analisis sajak
Tema:ketuhanan
Judul :pangnineung ti gusti
Wirahma:bait 1:a-a-a-a-a-a bait 2:b-b-b-b-b-b
Gaya bahasa:Mijalma (personifikasi)
Suasana :Khusyuk
Amanat :urang ulah poho yen sagala musibah kaasup panyakit teh datangna ti
allah ,kusabab eta salian ti ngajaga diri urang ge kudu ngajaga hate,ngadekeutkeun
diri ka Gusti Allah.

Anda mungkin juga menyukai