Anda di halaman 1dari 2

Wasta : Fitriani Erdia Suwandi

NPM : 180210180039

Barakatak
1. Si ema isuk-isuk the geus riweuh nyalukan si Euis bari ngagorowok cigah aya naon wae
atuh si Euis the reuwaseun..
“Euis.. Euis kadieu!!!” tembal euis
“Aya naon emaa? Bari ngorejat keur maen HP the
“Tinggali ieu dinu shopii keu loba diskon isuk 3.3. Hayang meuli ieu ajarkeun”
“Panya teh aya naon ma boro reuwas ih”
“Sok Ma kieu-kieu”
“Nya ai geus kieu kumaha…?
“Tinggal mayar ma”
“Engke ai nu nganterkeun kadieuna saha?”
“Kurir atuh mak”
“Hah jurig?”
“Heeh ma jurig”
2. Nining datang ka imah bari mamawa piring jol aya di buruan, Icih karek beres ngisikan
bari nagenkeun beas kana magicom, torojol datang ka imah euweuh naon-naon jol
ngingkig ka dapur
“Nyaiiii”
“Heug the siah punten-punten meuni nelenyeng”
“Bae ahh”
“Nyai ngenta sangu nya”
“Heeh sok mawa we dina magicom”
“Naon ieu mah beas keneh?”
“Gelo can di colokeun”
“Yee si Nyai mah limpeuran”
“Maneh mah keur mah menta loba ngomong, ku urang colokeun kana irung maneh
geura”
3. Nonton Persib
Sapri :“Euh asup asup atuh, kalakah dikagigirkeun”
Atun :“Jojorowokan meuni gandeng”
Sapri:“Gereget atuh da meuni kari ngasupkeun ka gawang ge hese”
Atun:“Bere bolana hiji-hiji geura meh teu parebut”
Heug urang bejakeun ka pelatihna heeh
4. Ninggali di tv aya acara nu barang dahar
“jang hayang itu nu dinu tv”
“kari meuli ma”
“meuni ngaruy kitu jadi neureuy ciduh , entong ketang lebar duit”
“heeh geus tong ma ninggali we nya”
Nungguan Pak Bupati datang.
Aya kadatangan pajabat ka lembur sorangan pasti bakal atoh, sabab jarang pisan pajabat nu
datang lembur teh. Di desa Cikembang teh bakal aya acara jang ngaresmikeun masjid nu tohaga
jeung lega nya jadi masjid nu gede di lemburna teh. Kadenge ku masarakat teh yen bakal aya Pak
Bupati datang ka lemburna atuh ti kamarina keneh geus rariweuh omongna the deuk panggih
jeung Pak Bupati. Ti subuh, masarakat the geus pakpikpek di dapur, geus nyangu mah, geus
beberes imah, sagala pagawean di imah the geus beres. Buruan ge lalenang baresih meuni resep
ninggalina ge.
Jam 6 oge geus marandi, ku Pa RW geus ngumumkeun ka masarakat, engke jam 8 Pak Bupati
datangna. Atuh panata acara teh geus nyiapkeun acara kabeh jang acara poe eta the. Jam the geus
ninggalikeun kanu angka 8 kurang, protokol Bupati teh ngahubungan ka panata acara di lembur
eta yen Pak Bupati geus siap keur di jalan. Kabeh ngajalajar megat Pak Bupati jang
ngaresmikeun masjid tea.
Di tinggali deui jam teh, lamun jam 8 the geus liwat naha Pak Bupati masih keneh can datang.
Ditungguan nepi ka dua jamna di sisi jalan teh. “Naha geus nepi mana Pak Bupati teh?” aya nu
ngajawab “meureun macet” , waler nu sanes “meureun macet daerah Cisirung pan didinya mah
langganan macet”. Atuh nunungguan keneh da saba hayang ninggali Pak Bupati jeung hayang di
foto oge ceunah jang nyieun status kana facebook.
Geus liwat, panon poe the beuki luhur. Angger we Pak Bupati teh can datang wae. Baralik heula
ka imah masing-masih deuk dahar ceunah da lapar nangtung wae keur mah panas tea. Ai taeun
karek nyiuk sangu jang dahar Pak RW the nguliling ka unggal imah warga, “Ieu kadarieu Pak
Bupati geus dongkap, maeunya euweuh nu nyambut mah” ,, “Kela ah kagok lapar jeung haus
aing mah hanas tatadi ditutungguan teu datang-datang bongan manehna telat”.

Anda mungkin juga menyukai