Anda di halaman 1dari 5

Endahna Hirup Sauuyunan

Pelajaran: Bahasa Sunda


Kelas : 4
SD YUWATI BHAKTI sUKABUMI

Matias Dedi Sutiadi


Sabilulungan
Sabilulungan, dasar gotong royong Sabilulungan, hirup sauyunan
Sabilulungan, sifat silih rojong Sabilulungan, silih pikaheman
Sabilulungan, genteng ulah potong Sabilulungan, nulung tinulungan
Sabilulungan, persatuan tembong Sabilulungan, kukuh persatuan

Tohaga, rohaka Santosa, samapta


Teguh rengkuh perbawa sabilulungan Teuneung ludeung ngajaring
Satia, sajiwa kawibawaan
Segut singkil ngabasmi pasalingsingan Saihwan, sapaham
Nagri nanjung berekah sabilulungan
Pek baca bacaan di handap ieu

Gotong royong

Poé Senén isuk, masarakat desa Bakti Asih ngayakeun gotong


royong kerja bakti. Masarakat sadayana ngiringan kerja bakti, boh nu
kolot boh nu ngora. Bapa-bapa meresihan lingkungan imah, desa jeung
sisi jalan. Ibu-ibu aya nu beberes aya nu masak jeung nyadiakeun
tuangeun jeung leueuteun. Barudak pameget marantuan bapa-bapa.
Barudak istri marantuan ibu-ibu.
Éta kerja bakti téh meuni lancar. Teu aya halangan nanaon.
Sadayana kabagian tugas masing-masing. Aya nu mersihan selokan, aya
nu sasapu, aya nu masak, aya nu beberes, jeung sajabana.Tabuh dua
belas beurang gotong royong dieureunkeun heula. Supaya masarakat
tiasa istirahat heula. Saatos istirahat warga sadayana papaharé heula di
taman anu beresih. Saatos papahare kerja bakti diteraskeun deui.
Gotong royong kerja bakti atos beres tabuh opat burit.
Lingkungan désa jadi leuwih beresih. Warga sadayana balik ka imahna
masing-masing.
Ngajawab Pananya numutkeun bacaan!

1. Iraha masarakat Desa Bakti Asih ngayakeun gotong royong?


2. Sebutkeun saha wae nu miluan kerja bakti teh?
3. Tugas naon wae anu dipigawe ku masing-masing masyarakat teh?
4. Tabuh sabaraha masarakat istirahat?
5. Naon mangfaat kerja bakti pikeun masarakat?

Ditulis jawabana wae


Sekian dan Terima kasih

Tetap semangat belajar di rumah


Tuhan memberkati

Anda mungkin juga menyukai