Anda di halaman 1dari 7

MODUL

BAHASA SUNDA
KELAS XI ( SADAYA JURUSAN )

NENENG ISTI JANIARTI, S.Sn


Minggu ka 2 11 Januari 2021

Dina minggu ka 2 kaping 11 Januari 2021 Semster II (Genap) urang lebet materi enggal dina Mata
Pelajaran Bahas Sunda nyaeta “WARTA”.

Warta sok disebut oge berita. Aya oge nu nyebut warta berita. Warta the mangrupa iber perkara hiji
kajadian atawa hiji hal, boh sawangan boh pamadegan, dumasar kana kanyataan. Biasana warta teh sok dimuat
dina media cetak atawa diumumkeun dina radio/TV. Ari jalma nu sok nyieunan warta, sok disebut Wartawan
atawa jurnalis.
Ku kamekaran Teknologi Informasi jeung Komunikasi (TIK), kajadian nu tempatna anggang ti urang
ge bisa langsung kanyahoan. Upamana wae aya kajadian bencana (kahurua, urug, caah), urang bisa langsung
nyaho lantaran di wartakeun atawa diberitakeun dina TV, Radio, atawa situs berita online.
Ayeuna, pek hidep maca warta tina Koran atawa majalah, tuluy catetkeun di handap ieu!

Judul Warta :
Koran/Majalah/TV/Radio/situs Online :
Ringkesan Warta :

Tugas minggu ka dua ieu, di catet dina buku catetan Bahasa Sunda, teras di fotokeun di kirim ka Email
istijaniarti12@gmail.com dugi ka tabuh 12.00.
Tong hilap pasihan keterangan “Nami, Kelas, Jurusan”.
Sapertos biasa anu teu tiasa ngirim ngangge email nyakira tiasa nyungkeun bantosan ka babaturan
hidep.
Minggu ka 3 18 Januari 2021

A. Paniten Basa
1. Maca Warta
Ieu dihandap aya conto naskah warta anus ok di bacakeun dina TV. Pek baca, regepkeun ku hidep
warta dihandap ieu!
2. Nyangkem Eusi Warta Televisi

Pancen mandiri !
Sangkan hidep leuwih nyangkem eusi warta televisi di luhur, pek jawab pananya
ieu dihandap!
1. Hal-hal naon wae nu kudu diucapkeun dina bagean bubuka dina warta teh?
2. Dumasar eusi naskah warta diluhur, naon ngaran acara warta Basa Sunda di
Bandung TV teh? Saha nu macakeunnana?
3. Naon jejerna warta diluhur teh?
4. Dumasar eusi warta diluhur, tetelakeun deui ku hidep :
a. Saha nu demo teh?
b. Saha nu di demona?
c. Dimana di demona?
d. Demo ngeunaan naon?
e. Saha nu disangka korupsi?
f. Korupsi perkara naon?
g. Kunaon pangna mahasiswa jeung pulisi jadi saheng silih hereng?
5. Naon maksud bagean voice over jeung jeda gambar dina warta diluhur teh?
Tetelakeun naon bedana!

Eusi pancen mandiri, di tulis jawabanna jeung soalna dina buku catetan
basa sunda. Sapertos biasa catetanna di fotokeun kintun ka Email
istijaniarti12@gmail.com dugi tabuh 12.00.
Sapertos biasa nu teu tiasa ngangge email nyalira tiasa nyungkeun
bantosan ka rerencanganna.
Minggu ka 4 25 Januari 2021

B. Panyungsi Basa
1. Perkara Warta
2. Nyungsi Ajen Warta
3. Ngaguar Struktur Warta

Dibaca, regepkeun, teras di catet materi di luhur dina buku tulis Basa
sunda. Teras fotokeun kirim ka Email istijaniarti12@gmail.com
Dugi tabuh 12.00.
Tong hilap ngangge keterangan “Nami, Kelas, Jurursan”.
Anu teu tiasa ku email nyalira, nyungkeun bantosan ka rerencangana.

Anda mungkin juga menyukai