Anda di halaman 1dari 1

Pengertian Rumpaka Kawih

Anu disebut rumpaka nyaeta wangun basa anu dirakit (disusun atawa dikarang) ku para
pangarang, , seniman, atawa sok disebut oge bujangga sarta miboga wirahma nu ajeg
atawa angger. Wirahma (B. Sansekerta) atawa birama nya eta aturan nu aya dina lagu,
kayaning wiletan (aturan sora tatabeuhan) jeung tempo atawa ketukan.

Dina kawih Sunda atawa Jawa mah wirahma, tempo atawa ketukan teh bakal karasa
sanggeus eta rumpaka lagu ditambahan ku titi laras atawa tangga nada. Istilah titi laras
atawa tangga nada teh dina karawitan Sunda katelahna pentatonis (1/da, 2/mi, 3/na, 4/ti,
5/la). Nu matak kawih-kawih Sunda tradisional, wanda anyar atawa kawih pop sajaba ti
pupuh kaasup kana lagu sekar tandak, nya eta lagu anu kauger (diatur) ku wiletan atawa
wirahma/birama tea.

Lagu atawa kawih anu dipidangkeun dina buku Pamekar Basa Kelas XI Pangajaran 1 teh
nya eta anu judulna Borondong Garing, Colenak, Peuyeum Bandung, Tauco Cianjur,
Goreng Pisang, Tahu Sumedang, Sagagang Kembang Ros, Bulan Batu Hiu, Bubuy Bulan,
jeung Malati di Gunung Guntur. Dina eta buku oge dipedar ngeunaan ngabandingkeun eusi
rumpaka kawih, unsur rumpaka kawih, wangun jeung purwakantina, gaya basa, katut
kumaha cara nyaritakeun deui eusi kawih dina wangun paraprase.

Sangkan kamampuh hidep ngeunaan kawih ngaronjat, dina ieu LKS bakal dipidangkeun
rupa-rupa pancen atawa latihan ngeunaan kawih.

Anda mungkin juga menyukai