Anda di halaman 1dari 3

Tokoh jeung watekna:

-Jang Adul:lalawora,rada sombong

-Indung Jang Adul : bageur

-Bapana Jang Adul : nyaah

-Usman: lawak tur rada so iyeh

-Ahmad:ngarasa paling pinter

-Bandi: jujur

-Dewi: teliti teuing

Bunci : mbung eleh

Meneran locéng tanda bubar sakola, ger hujan badag. Atuh barudak kapahung. Ngagarulung di hareup
eun kelas. Ngadagoan hujan raat.

Usman: Moal lila sugan, hujan ujug-ujug brét kieu mah

Jang adul: Moal lila, ngan angger wé kesel. Jaba lapar

Ahmad: Mending tatarucingan, yu!

Barudak : Hayu! Hayu!

Bunci : sok saha heula?

Ahmad: Ti urang heula

Ahmad: Sok teguh ku saréréa... hayam rintit nonggéng ka langit....!

Jang Adul: Hayam keur ngoréh!

Usman : munding nonggeng!

Barudak : hahahahah

Ahmad: naon munding,Salah atuh.ngasal wae didinyamah

(Barudak ngaharuleng. Teu arapaleun)

Ahmad : taluk?

Barudak : taluuukk…!
Ahmad : ganas,hayoh!...,ahahahah,nyaraho ganas? Sok geura lamun can diala,buah ganas dina
tangkalna persis hayan rintit nonggeng ka langit

Bandi: Abdi boga tatarucingan

Bandi: Sok teguh ku saréréa.... dicokot endogna macok?

Barudak: Oray!

Bandi: Salah...! Lain...!"

Dewi : “naonnya…nu di cokot endogna macok?”

Bandi: Hayoh, nu bisa neguh dibéré kaleci marmer keur kokojo....

(Jempling. Malikir. Tapi unggal nu ngajawab, ku Bandi disalahkeun.)

Bandi: Salamet euy, kaleci uing

Jang Adul: ah gampang etamah,kuring sok ngala di pipir tukang,nu di cokot endogna macok mah nya
salak atuh!

Jang Adul: Kadieukeun geuwat, kaleci na...!

Bandi: Pinter euy, Jang Adul.... Bisa neguh tatarucingan uing

Ahmad : oh heeh nya salak

Bunci : euh,abdi rek neguh eta,kapiheulaan euy

Jang Adul: Alhamdulillah

Jang Adul :Sok aya kénéh tatarucingan séjén? Ku uing bakal kateguh kabéh....

Usman : mun hadiahna duit mah kajawab kabeh tataruncingan ge kuuingmah

Ahmad : kos nu enya we usman!

Bandi: Ké urang néangan heula

Bandi: Isukan atawa pagéto, uing méré deui tatarucingan

Dewi: Mun kateguh, hadiahna kaléci marmer deui?

Bandi: Wah, moal atuh. Éta gé kaleci marmer hihijina. Ba ngenan dipaké kokojo téh

Bunci: Abdi isuk mah nu méré tarucingna

Teu lami maranehna maen tataruncingan,hujan raat.Akhirna jang adul jeung babaturanna uih ka bumi
masing masing.saprak nepi dibumi,jang adul nyarita ka indungna,manehna maen tataruncingan
Jang adul : assalamualaikum…! Mah..

Mamah : eh jang adul tos uih,kahujanan teu?

Jang adul : henteu,da nungguan raat heula bari ulin tataruncingan jeung rerencangan

Mamah : oohh,tiasa jang adul ulinna?

Jang adul : tiasa atuh,pangjagona di kelas

Mamah : wah hebat budak mamah,geura gentos acukna trus ke emam,tos asak yeuh

Singkat carita,kaisukan poena,jang adul hudang subuh teras solat,tuluy siap siap rek ka sakola

Mamah: jang adulll!,kadieu…geura emam

Jang adul : enya mah

Mamah : eh jang,naha nganggo acuk sakola? Pan sakola libur tanggal beureum

Jang adul : lah enya kitumah?,ai sugan sakola biasa

Mamah : pan ayeuna teh taun baru ujanggg,ai ujangg

Bapak : kamana jang? Meuni geus kasep kitu (bari seuri eutik)

Jang adul : cape cape tos siap siap ah

Bapak : jang…jang…,aya aya wae isuk isuk teh,ngke mah naros heula ayeuna tanggal sabaraha,bisi
katuluyan kitu deui

Jang adul : atuh da rusuh pak,rada telat bieu ge

Anda mungkin juga menyukai