Anda di halaman 1dari 3

Naskah novel jang adul (sunda)

Tokoh jeung watekna :

-Jang adul: rada sombong,

-Bapana jang adul:nyaahan,bijak

-Indung jang adul: bageur

-Dewi: lalawora

-Siti: lalawora,hariwangan

-Gina: sok ngeluh

-lani:pesimis

-Budi: optimis

Jang Adul nyaeta budak lalaki nu diuk di bangku kelas 4 sd.Jang Adul sumanget sakola pas poe
sabtu.Kusabab poe sabtu aya kagiatan pramuka nu dipikaresepen ku Jang Adul.pas Jang Adul balik
sakola, Jang Adul nyarita ka indung na hoyong gera gera poe Sabtu

Jang adul : “Meuni hayang geura poe Sabtu sakola teh ma”

Indung :”Lah kunaon?,apan sarua rua keneh sakola poe nanaon oge,angger we diajar”

Jang adul : “Rame ma poe saptu teh,aya pramuka,latihan baris jeung kawih”

Indung : “Emang kawih naon wae?”

Jang adul :”Rupa rupa ma,aya lagu sunda,lagu jawa,aya oge lagu irian”

Indung :”Cik cobian kawihkeun lagu sunda,ema hoyong ngadangu”

Jang adul kawihkeun lagu sunda

Indung :”Emut Jang,ka lagu sunda ge kudu di apalkeun”

Jang adul :”nya enya atuh”

Teu lami ti jang adul sareng indungna ngobrol, tuangeun nu disiapkeun indungna tos asak.Pas Jang
Adul beres tuang, babaturan jang adul nyaramper ka imahna jang adul nu bade ngajak ulin

Jang Adul jeung 5 baturan na arulin di lapang nu caket imahna Jang Adul.

Jang adul : Hayu ulin ucing sumput

Babaturan : HAYYUK!!

Babaturan : Hompimpa alaium gambreng, Jang Adul ucing!

Jang adul : 1,2,3,4,...,10,Geus ?

Babaturan : Geusss

Jang adul : Dorr! Kapanggih

Dewi : Naha nya bisa kapanggih...


Jang adul : Heg tah kapanggih

Siti : adehh abi kaapalan

Jang adul : Hehei kapanggih

Gina : euhh Kapanggih

Jang adul : dorr! Kapanggih

Budi : Padahal Ges nyumput dijuru,naha kapanggih sih

Jang adul : Heh edo kapanggih

Lani : euhh bner we kapanggih

Babaturan : Wah adul asa gancang nimu arurang

Jang adul : Enya atuh, Adul tea

Budi : engke mah urang bakal meunang!

Jang adul : sok ah,pa jago jago jeung urang

Budi : sokklah!

Dina nalika Jang Adul sareng babaturanna keur arulin, ngadadak aya sora gandeng ti palebah warga.
Ai pek teh aya imah nu kahuruan. Kusabab panasaran, Jang Adul jeung babaturanna ngacakeutan eta
tempat kahuruan.Nalika Jang Adul jeung babaturanna nepi tempat nu kahuruan, aya bapana jang
adul oge.

Jang adul : Bapaa!

Bapa : Ehh, naha kadarieu, palaur!

Jang adul : Tadi ningal warga garandeng, suganteh aya naon, pekteh aya kahuruan

Bapa : Ohh, nya atuh, tos bade magrib, jig geura aruih, palaur didieumah

Siti : innalilahi,karunya teuing eta nu bumina kahuruan

Gina : uih ah abimah,haseupna jadi kebul kamamana

Lani : eta nu di jero bumi keneh teu kunanaon kannya?

Budi : sing we teu kunanaon

Dewi : hayu ah aruih,bisi kaburu magrib

Barudak : hayu…

Akhirna Jang Adul jeung babaturanna aruih ka bumi masing masing. Jang Adul uih sareng bapana.
Pas nepi di bumi, ema ngabagea keun bapa sareng Jang Adul uih.Ema nanya naha tiasa uih sareng.

Indung : Naha Jang Adul tiasa uih sareng bapa?

Jang Adul : Pas aya kahuruan, teu kahaja didinya na aya bapa, tung tungna weh uih sareng
Bapa : Mah,apal teu bumi Pa Ahmad kahuruan?

Indung : Astaghfirullah...,n aha bisa kahuruan?

Bapa : Istri pa ahmad hilap mareuman kompor, matakna ema oge kudu sing kade

Indung : Ohh,enya siap atuh pa

Anda mungkin juga menyukai