Anda di halaman 1dari 3

Naskah 3 : Budak Leutik Bisa Ngapung

Tokoh Jeung Watekna

-Jang Adul:bageur

-Bu Guru: bageur tur nyaahan

-Samsu: pinter

-Siti: pesimis

-Dewi: energik/antusias

-Udin : nyahoan

-Odong : tukang lawak tur si paling apalan

-Ohim:nyaahan

Poe sabtu di sakola.Ibu guru ngawulangkeun pupuh “kinanti”.Guguritanana “Budak Leutik Bisa
Ngapung”.Jang adul sabatur batur rareusepen pisan.Mimiti babarengan ngawih.Terus saurang
saurang ka hareup.Aya nu geus lancar pisan,aya oge nu aga eugeu keneh.Jang adul kaasup nu lancar

Budak leutik bisa ngapung

Babaku ngapungna peuting

Ngurilang kakalayangan

Neangan nu amis amis

Sarupaming bungbuahan

Naon bae nu kapanggih

Ari beurang ngagarantung

Eunteup dina dahan kai

Di sada kokokreakan

Cing pek ku maraneh pikir

Nu kitu naon ngaranna

Lolong lamun teu kapanggih

Ibu guru : “sok teguh,eta sato naon nu ditaros dina lagu Budak Leutik Bisa Ngapung teh?”

(barudak jarempe,eweh nu bisa neguh)

Siti : “japati sanes bu?”

Dewi : “burung hantu bu!”

Ibu guru : “sanes,nu eta tea geuning”

Ibu guru : “nu sok hiber ti peuting.Kahakanana bungbuahan?”

Jang adul : “lalay bu!” (bari nyelengkeung).”


Barudak : “ahahahaha!”

Ibu guru : “heup,jempe! Jempe!...Tah geus deukeut deukeut...sato kawas lalay,tapi awakna
lelangkung badag.Jangjangna langkung panjang...Naon?”

Samsu : “Kalong bu!”

Ibu guru : “Saratus keur samsu!,leres kalong.Pan sok aya rabeng haliber pasosore,tempo panonpoe
rek surup.Ngajugjug wewengkon nu rea tangkal bungbuahan.Ke baralik deui,memeh panonpoe
bijil.sapanjang beurang harees bari ngagarantung dina dahan kai”

Barudak : ohhh kalong

Siti : “abdi bade ngajawab eta ngan sieun salah”

dewi : “euh kalong!,paingan aya kalimah lolong lamun teu kapanggih”

Ibu guru : “Tah enya didinya koncina”

Siti : “di lembur abimah tos teu aya kalong Bu.Margi tos teu aya kai ageung.Leuweungna tos
dibukbak dianggo lahan pabrik”

Dewi : “Di lembur abdi ge tos teu aya kalong.Upami lalay sareng cocodot aya keneh.Sok ngahakanan
jambu sareng cau”

Ibu guru : “Leuh karunya teuing.Nepi ka teu apal kalong.Muhun nya hawatos.Sok ayeuna mah
ngawih deui babrengan.Sakali.Memeh bubar.”

Barudak : ngawihkeun pupuh babarengan

Ibu guru : “Barudak,saacan bubar,urang ngadoa heula supados saralamet di jalan,mangga dikawitan”

Barudak : ngadua maca surat al asr

Ibu guru : “omat,kade dijalana,ulah rurusuhan,mangga wilujeng uih”

Barudak : “assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh...”

Barudak barubar kaluar kelas

Udin : “jang adul!,hayu bareng leumpangna”

Jang adul : “hayu,urang ngaliwat jalan raya nu aya walungan,bari leleumpangan”

ohim : “urang ngilu lah,hayang ulin heula”

odong : “urang ge euy,bosen mun langsung ka imah mah”

Jang adul : “hayu hayu...”

Jang adul,udin,odong,ohim uih sasarengan ngaliwatan walungan nu sisieun jalan raya.Harita pas
keur siang keneh,bari macet di jalan teh,loba mobil jeung motor teu maju maju.

Jang adul : “jalan macet jeung padedet kabina bina.Usum mudik lebaran ge asa teu kieu kieu teuing.”

Odong : “Bulan kamari macet alatan pare mulud jeung natal.Disambung ku tahun baru.Jadi nu indit
inditan tilu tikeleun ti usum lebaran.Ayeuna macet alatan kawas di jalan cileuncang tea”

Udin : “Anu pedah aya nu cilaka tea nya,toronton nabrak tangkal jambu pedah remna blong?”
Odong : “heueuh,3 jam an teu maju maju,nungguan ambulan”

Jang adul : “nu rame di berita tea nya,meuni watir ka supirna,aya nu maot cenah”

Ohim : “euleuh pikarunyaeun pisan aya nu maot”

Udin : “heueuh,karunya “

Udin : “ayeuna keur inditkeun macet jeung padedet kieu.Engke balikeuneunana,sarua”

Odong : “lah,tong waka mikiran balikkeun.Inditkeunana oge pan can puguh iraha nepina.Emang uing
ti bandung,indit magrib kamari karek datang subuh tadi.Sapeuting ngalelentuk di jalan.Ukur maju
saised saised mobil nu ditumpakan teh cenah”

Jang adul : “naon sababna nya?”

udin : “sababna mah rea pisan,kendaraan beuki ngareaan,ari jalan angger teu nambahan.Ukur
ngalegaan saeutik”

ohim : “tah heueuh din!”

udin : “tenjo we di lembur urang,jalan angger hiji.Jalan lembur jeung jalan desa.Ari nu lalar liwat
ngareaan.Nu baroga mobil aya oopatna.Motormah geus teu kaitung”

jang adul : “matak gandeng jeung kaweur ka urang nya.Leumpang jadi teu nyabe.Komo ulin
mah.Bareto urang bisa maen langlayangan di jalan,ayeunamah baroraah.Teu kaur kagiridig ku
motor”

odong : “ceuk dina berita tv,macet teb di mamana.Lain jalan di urang wae,nu jadi liliwatan ka obyek
wisata Pangandaran jeung sajabana.Di jalan tol oge macet.Boh jalan tol jero kota,boh jalan tol luar
kota.Komo di urang nu lain jalan tol.”

Ohim : “naha ari jalan tol teh maksudna apan keur kalancaran lalulintas lain?”

Udin : “Ah,usum macet mab macet we.Padedet ku kendaraan”

Ohim : “Kabeh macet,kabeh padedet.Naon atuh nu lowong?”

Odong : “saku uing nu lowong mah euy!” (bari nembongkeun saku”

ohim,jang adul,udin : ahahahah!

Jang adul : karunya teuing si odong

Anda mungkin juga menyukai