Anda di halaman 1dari 5

NASKAH KABARET JURUSAN PROMOSI KESEHATAN

KKN DI DESA SINARTARI CEGAH STUNTING !


Dicaritakeun di kampus Poltekkes kemekes Bandung , Aya opat mahasiswa nu Bade
ngalaksanakeun kagiatan KKN. Opat mahasiswa éta namina Bima, Wahyu, Nur , Jeung ayu
. Saenggal ngalaksanakeun kagiatan KKN, opat mahasiswa anu ngayakeun persiapan KKN
Jeung Dosen pembibmbing. Tapi, lain na ngamudahkeun ngalaksanakeun kagiatan KKN
eta dosen pembimbing teh ngahesekeun Sagala parsiapan na. Dina hiji poe, opat
mahasiswa eta dipanggil ku dosen pembimbing.
Dosen :” kamana wae atuh ujang neng ? priogi keneh teu bimbingan sareng ibu ?
sok enjing pan atos waktosna bade KKN kedahna ti sateuacanna laporan teh tos aya aya di
ibu, sok ayeuna bade kumaha?”
Wahyu : “ibu hapunten, tadi abi sareung bima teh atos ka kantin.”
Bima :” Perpustakaan bu! ,kamari teh atos masihan laporan da bu, tapi dibalikeuun
deui ku Ibu.”
Dosen : “kunaon cik ? kusabab anjeun seueur pisan lepatna! Da hararese atuh”
Nur :” muhun bu arurang teh seuur lepatna, kusabab manusa teh tu sempurna.
Kasemprnaan hanya milik gusti nu agung nyaeta ALLAH”
Dosen : “Geningan saroleh jeung sarolehah, kela kela …. eta Kamana hiji deui
budak teh ?”
(Ujug-ujug d sumping lumpat ka dosen sareng tilu babaturan na)
Ayu : “aduh ibuuuu, hapunten abdi telat, tadi the atos ngagaleuh skin care
kanggo ngageulisan rarai abdi sareung ieuyeuh bu hij deui kanggo ibu we
laah nu special”
Dosen :”hmm.. nuhunnya nyasok atuh teu sawios namung ayeuna mah ngadameul
surat kanggo perizinan nya.”
Bima :”surat izin bu? Teu ngadameul heula laporan bu??’
Dosen : “euleuh euleuh kumaha ieu budak teh ngupingkeun teu tadi ibu nyarios?!”
Salajeungna opat mahasiswa eta ngadamel surat izin. Isukna, opat mahasiswa eta
ngincig ka desa ...eh tiba tiba eta mobil kalahkah mogog di tengah jalan. Tungtungna
mahasiswa eta kapaksa leumpang di teungah jalan satapak.
Ayu : “ih meni lami, kaburu make up urang teh luntur.. laah teubih keneh teu sih.
Meni lalila ih cik atuh angkod abdi atuhhh”
Nur : “ayu tong kitu atuh ah.. sabar sakeudap deui ge atos dugi”
Ayu : “nya nya bu haji. kela abdi bade nga vlog heula “ hallo barudaks ayeuna
inces nuju aya di desa sinar tari. Tingali urang teh jalan kaki guys demi
menyehatkan badan.arurang teh kedah inget kana kesehatan. Atos ah sakitu
heula Salam ti inces geulis” MWAAAH “
Wahyu :”ah maneh mah tadi ngomongna hoyong di angkod tapi ari di kamera sokk
heeh siga nu bener.”
Bima :”Nya atos we lah nu pentingmah jaga kesehatan tong saukur ngomong
waae. Yu aah sumangeut”
Teu lila eta barudak panggih jeng bapa bapa nu teuteurang jol na timana ditanya
weh ku Bapakna.
Pak Kuwu : “Bade kamarana ieu barudak teh?”
*Reuwas*
Wahyu :”eh, punten ari bapak teh saha ?”
Pak Kuwu :”Nepangken Abdi pak Prabu, Pak Kuwu Sinartari’
Bima :”ohh ieu teh Pak Kuwu,… punten pak kaleresan abdi sareng rerencangan
bade ka puskesmas Rancaoray, tebih keneh teu pak ?”
Ayu :”kuwu teh lainna bubuahan nu hejo pan ?”
Pak Kuwu :”oh hayu atuh sakantenan we sareng bapa,bapak oge bade ka puskesmas”
Barudak jeung pak kuwu indit ka puskesmas
Nepi di puskesmas barudak masihkeun serat izin pengantar ti kampus ka petugas
puskesmas.
Petugas puskesmas :”Barudak, Desa anu diangge jang KKN teh desa Sinartari anu pa
Kuwuna namina Pak Prabu.”
Wahyu : oh muhun bu, tadi atos pependak sareng bapakna. Pependakna teh di
jalan bade ka puskesmas.
Teu lamina diditu pa Kuwu ngaliwat lajeung di sauran ku petugas Puskesmas.
Petugas puskesmas :”Pa Kuwu …”
Pak Kuwu : “kulan, aya naon bu?”
Petugas : “Ieu pak barudak ti Poltekkes Bandung, bade KKN di Desa Bapak. Saur Bu
kepala atos wawartos ka Bapa, mulai na ti enjing pa.”
Pak Kuwu : “oh muhun sae atuh, nu tadi pependak di jalan nya? Mangga pami abi mah
bu . Bu kepala atos nyarios, mung kagiatan na naon wae barudak?”
Nur : “Survey mawas diri, musyawarah masarakat Desa sareng pelaksanaan
kagiatanna”
Pak Kuwu : “oh muhun, sae atuhnya soalna sateuacanna teu aya mangrupi nu kitu ,abi
bade sakantena pamit atuh neng,jang, bu.”
Petugas : “oh muhun pak mangga “
Isukna barudak atos siap galakuken SMD di bantuan ku Kader, katingali ti jauh ibu-
ibu nuju ngarumpul di warung Ma Salah
Kader :”Punten ibu2, iue aya mahasiswa KKN bade narosan ka Ibu2 perkawis
kasehatan”
IBU kumala : “Bade aya bantuan lain ieu teh, bpjs atau balsem ge nu bulan kamari teu
cair”
Nur :”Sanes bu, ieu bade ngadata permasalahan anu aya didesa engkena,ieu
masalah bade di rumusken sasaarngan di musyawarah desa.”
Ibu ningsih :”eta mah tugas pak kuwu meren neng, pan geus kapilih.”
Ibu eroh :”ish ulah kitu atuh bu, masalah desa masalah urang sarerea sanes
pamarentah hungkul, arurang ge kedah gotong royong, leres teu?”
Kader :”muhun bu leres saur ibu eroh, sok neng hayu ayena mah tarosan we ibu
ibu na, nya bu, bari ditensi”
Ibu ningsih : “oh nyandak tensi oge neng ? ibu hoyong atuh.”
Ayu :” muhun bu, sanes tensi hungkul ieu bakal aya di youtube abi kagiatan di
desa sinartari ( bari nembong kamera)”
Ibu Ningsih : “hayu atuh neng urang piralkeun dunia maya mulan, jeung ahmad dhani”
Mahasiswa kader jeng ibu ibu nuju SMD di warung ma salah, katempo tilu budak
keur jajan terus ulin
Budak nineu : “ngenah kie euy teh teh… segerrrr”
Budak a’ah : “ah siamah culmetan met met”
( joget culametan met metkabehana)
Wahyu, Bima Nur jeung ayu ngarumpul di bumi salahsahiji warga,diditu aranjeuna
nyarioskeun kaayaan di desa sinartari ieu.
Wahyu : “eh eh barudak tadi the urang jeung bima ningali kaayaan di desa ieu meni
kuraang pisan asupan makanannna.tingali we barudakna laleutik teu sesuai jeung umurna”
Ayu :”,Nya tadi abi jeung nur ge ningali da ibu ibu nu hamil the tuangna jeung
seblak,karupuk. Jeung niyuh mie “
Nur : “Nya bener we atuh pami kitu desa teh desa stunting.kudu di cegah atuh ,
jaba ibuna seuur nu nuju hamil kudu pisan arurang siap siaga.”
Atos na diditu mahasiswa ngumumkeun ka masyarakat desa sinartari bade aya
MMD
Bima : “ Assalamualaikum wr.wb ngahaturkeun ka sadayana wargi desa sinartari
diantos kasumnpingannna di bale desa. tabuh sapuluh langkung tilu belas menit. Dipihareup
ka ibu bapak sereung marulang kalih diantos kasumpinganna. Hatur nuhun
wassalamualaikum wr.wb “
Ibu kumala :” aduh hayu ah urang ka bale desa sugan we aya tuangeun”
Ibu ningsih : “eh bener oge.. hayu yu cus. Teu kiat bade emam euy da nuju hamil mah
sok seuur hoyoeun”
Ibu eroh : “eeeuleeh kalahkah di arah tuanganna hungkul teu ilmuna”
Ibu kumala : “ya geus we atuh urang datang we lah..”
(suara ramai di desa) sambasambil jalan
Tilu poe ngadata SMD kakumpul sa desa, MMD dilakasanakeun di bale desa, kabeh
masyarakatna kumpul nentukeun masalah jeung solusina anu dipimpinku kader sareng
mahasiswa, loba masalah loba oge solusina, terus we diskusi nepi ka di akhir Kader jeung
pak kuwu ngumumken naon wae nu bade di lakukeun didesa sinartari bari ditentuken
Program kerja ti masarakatna oge.
Pak kuwu : “Assalamulaiakum bapa ibu, Alhamdulillah ibu bapak atos ngalakuken
musyawarah masrakat desa anu pertama kalina, hatur nuhun ka mahasiswa anu
ngabimbing ibu ibu jeung bapak bapak , serta ka masyaeakat desa sinar tari anu paduli
jeng masalah desana. Kasimpulan musyawarah tadi nyaeta bade di bacakeun ku bu kader”
Kader :” ibu bapak kasimpulan anu bade arurang lakukeun nyaeta penyuluhan ibu
hamil.”
Saatos kempeul na ibu ibu, penyuluhan dikawitan
Nur : “Assalamualikum, kumaha ibu ibu ? damang ? “
Ibu ibu : “Alhamdulillah pangestu neng.”
Nur : “tepangkeun ibu-ibu wasta simkuring nur nu bade masihan penyuluhan
kanggo ibu ibu khususna kanggo ibu hamil.. “
Nur : “Aya nu teurang teu stuting teh naon?”
Ibu-ibu : “naon eta the asa nembe ngadangu”
Nur : “janten,Stunting atanapi kate nyaeta masalah giji kronis anu jalaran ku
asupan giji anu kirang dina waktos lami,umumna margi asupan tuang anu henteu luyu
kaperluan giji.stunting lumangsung mimiti ti dina kandungan sarta anyar katembong waktos
putra umurna dua sasih.”
Ibu ibu : “oh kitu nya .. nembe terang da”
Nur : Sakitu nu dipikahatur wassalamualaikum
Saatos dipasihan penyuluhan sacara berkala.ahirna Masyarakat teh teurang ngeunaan
kasehatan hususna dina pencegahan panyakit stunting. Salajeungna opat mahasiwa teh
ngaayakeun gebyar kesehatan dimana ieu kegiatan

Mc 1 2 : “wilujeung sumping di acara gebyar kesehatan 2020”


Mc 1 : “dinten ieu arurang bakal ngagebrakeun desa sinartari ieu ku kagiatan-
kagiatan nu meriah pisan, uhuyy~”
Mc 2 : “wargi sadayana siap ngiringan ieu kegiatan???”
Warga : “siaaaappp !!!”
Mc 2 : “taahh janteun ieu teh aya pasanggiri masak, tapi aya tema na, nyaeta “Isi
Piringku” yukk ibu-ibu sadayana siap-siap kanggo lomba masak.”
Mc 1 : “pemenang isi piringku nyaetaa...”.
Mc1 : “iiiiii nungguanya..”.
Mc 1 : “ibuuuuuuu eroohhh”
Mc 2 : “sok ibu paparkeun naon eusi anu ku ibu di pasak”
Ibu eroh :”ieu kangge proteinna abi ngadamel pepes lauk, seratna aya sayur bayeum,
teu hilap aya sangu na oge, kangge cuci mulut na aya cau ambon”
Nakes : “Ibu-ibu nu sanes ulah galau, sanes salah ngan kurang komplit nyak ibu gizi
seimbangna, anu di damel ku ibu ikoh teh tos tepat janten ibu hamil teh kedah ngonsumsi nu
kahiji karbohidrat nyaeta sangu, teu gaduh sangu tiasa di gentos ku ubi, atanapi singkong,
proteinna aya lauk, endog, hayam bisi mahal gentos ku tempe atanapi tahu, vitaminna ieu
aya cau, buah-buahan mah seeur teu kedah meser pan garaduh kebon nu teu gaduh tiasa
nyungkeun kanu gaduh nya ibu-ibu. Tah kangge serat ieu aya sayur bayem, sayur mah atuh
ibu tiasa melak di payun buminyak atanapi meser we da mihar nu penting mah bersih”

*pantun*
Di luhur imah aya kenteng
Di handapna aya peti
Hayu cegah stunting
Kanggo kapayuna leuwih berarti

Anda mungkin juga menyukai