Anda di halaman 1dari 1270

Alkitab

Bahasa Sunda
Edisi Formal 1997

Perjanjian Baru
Matius
1 Sarsilahna Isa Al Masih turunan
1 Daud sareng Ibrahim teh kieu:
2 Ibrahim puputra Ishak; Ishak puputra

Yakub; Yakub puputra Yuda jeung


saderek-saderekna pameget;
3 Yuda puputra Pares jeung Sara, ti

Tamar; Pares puputra Esrom; Esrom


puputra Aram;
4 Aram puputra Abinadab; Abinadab

puputra Nahason; Nahason puputra


Salmon;
5 Salmon puputra Boas, ti Rahab; Boas

puputra Obed, ti Rut; Obed puputra Isai;


6 Isai puputra raja Daud. Daud puputra

Sulaeman, ti garwa Uria;


7 Sulaeman puputra Rehabeam;

Rehabeam puputra Abia; Abia puputra


Asa;
8 Asa puputra Yosapat; Yosapat puputra

Yoram; Yoram puputra Usia;


9 Usia puputra Yoatam; Yoatam puputra

Ahas; Ahas puputra Hiskia;


10 Hiskia puputra Manase; Manase

puputra Amon; Amon puputra Yosia;


MATIUS 1.11–19 2
11 Yosia puputra Yehonia jeung saderek-
saderekna pameget, keur jaman
diboyong ka nagara Babul.
12 Di pangboyongan di nagara Babul,

Yehonia puputra Salatiel; Salatiel


puputra Serubabel;
13 Serubabel puputra Abiud; Abiud

puputra Elyakin; Elyakin puputra Asor;


14 Asor puputra Sadok; Sadok puputra

Ahim; Ahim puputra Eliud;


15 Eliud puputra Eleasar; Eleasar

puputra Matan; Matan puputra Yakub;


16 Yakub puputra Yusup, caroge Siti

Maryam; nya ti anjeunna medalna Isa,


anu disebat Al Masih teh.
17 Jadi, ti Ibrahim nepi ka Daud teh,

kabehna aya opat belas turunan; ti Daud


tepi ka jaman pangbuangan ka nagara
Babul, aya opat belas turunan; ti jaman
pangbuangan ka nagara Babul, nepi ka
Al Masih, aya opat belas turunan oge.
18 Riwayat dibabarkeunana Isa teh

kieu: Ti waktu Siti Maryam jeung Yusup


babakalan keneh; Maryam teh, ku
kersana Ruh Allah bobot.
19 Ku sabab Yusup, picarogeeunana

tea, jelema bener; nya anjeunna henteu


kersaeun ngawiwirang Maryam teh.
MATIUS 1.20– 2.1 3
Jadi, anjeunna rek ngabatalkeun niatna
pikeun mibojo Maryam teh bari ririkipan.
20 Sajeroning mikir, beh, aya malaikat

ti Pangeran nembongan dina impian,


lahirna, “He Yusup, turunan Daud, ulah
hamham mibojo Maryam. Sabab anu
keur dikandung teh, asalna ti Ruh Allah.
21 Nu bakal dibabarkeun teh, nya eta

hiji Murangkalih pameget nu ku anjeun


kudu dingaranan Isa. Sababna, nya
Anjeunna pisan nu baris nyalametkeun
umat-Na tina sagala dosa-dosana.”
22 Kajadian ieu teh, tandaning sakur nu

geus didawuhkeun ku Pangeran ka nabi


tea tinekanan; kieu dawuhana-Na:
23 “Tah lanjang teh bakal bobot, bakal

ngababarkeun hiji anak lalaki, nu ku


maranehna baris dingaranan Imanuel.”
Imanuel teh hartina ‘Allah nyarengan ka
urang’.
24 Sanggeus hudang, sakumaha

piwarangan malaikat Pangeran, ku Yusup


dilampahkeun: Maryam lajeng ditikah,
25 tapi anjeunna henteu sapatemon

jeung bojona nepi ka dibabarkeunana


putra pameget tea, nu dingaranan Isa.
1 Isa teh, dibabarkeunana di

2 Betlehem tanah Yudea, dina jamanna


MATIUS 2.2–7 4
Raja Herodes. Teu lila ti harita, aya
nu daratang ka Yerusalem, nya eta
parabujangga ti tebeh Wetan.
2 Aranjeunna mariksa, “Di mana raja

urang Yahudi anu anyar dibabarkeun


teh? Kaula ti tatar Wetan parantos
mendakan bentangna sarta pangna
darongkap ka dieu seja mintonkeun
persetya.”
3 Atuh Raja Herodes pohara

ngagebegna, kitu deui sakur nu


aya di Yerusalem.
4 Geuwat anjeunna nyaur Imam Agung

jeung ahli-ahli Kitab bangsa Yahudi,


lajeng mariksakeun, “Al Masih teh di
mana bakal dibabarkeunana?”
5 Wangsulanana, “Di Betlehem daerah

Yudea, margi parantos tinulis kieu ku


paranabi:
6 ‘Maneh, Betlehem, di tanah Yudea,

di antara rengrengan anu marentah


nagara teh, lain nu pangleutikna. Sabab
ti maneh pisan jaga baris rawuh hiji
pamingpin, anu bakal ngaraksa umat
Kami Israil.’”
7 Bujangga tea ku Herodes disaur,

ririkipan dipariksa kalayan talete: Eta


bentang teh, iraha mimiti katembongna.
MATIUS 2.8–13 5
8 Tuluy dijurung laku ka Betlehem bari
diomat-omatan kieu, “Ayeuna mah,
saksrak bae eta Murangkalih teh sing
kapanggih; lamun enggeus, kudu ka dieu
pupulih sabab kami oge seja ngabakti ka
Anjeunna.”
9 Bral, bujangga-bujangga teh,

mariang. — Ujug-ujug, bentang nu


tembong ti tatar Wetan tea bijil deui,
tembong maju miheulaan aranjeunna;
ahirna, kandeg di lebah Murangkalih tea

10 Atuh barang bentang tea, breh

katembong, aranjeunna teh pohara


baringahna!
11 Geus kitu, sup bae lalebet, kapendak

Murangkalih teh katut Maryam, ibu-Na.


Brek sarujud ngabakti, tuluy muka
pepeten, ngabaktikeun emas, dupa,
jeung emur (sabangsa menyan).
12 Aranjeunna karenging pituduh ti

Gusti Allah dina impenan: Ulah ka


Herodes deui jeung mulihna teh kudu
nyandak jalan sejen.
13 Sanggeus bujangga teh marulih,

malaikat Pangeran nembongan ka Yusup


dina impenan sarta ngadawuh, “Geura
hudang, Budak jeung indung-Na bawa
MATIUS 2.14–18 6
ka Mesir; cicing heula di ditu, tepi ka
aya beja deui ti Kami; sabab eta Budak
teh, keur disaksrak ku Herodes rek
ditelasan.”
14 Korejat Yusup tanghi. Tuluy eta

Murangkalih jeung ibu-Na teh, peuting


eta keneh, ku anjeunna dicandak
ngalolos ka Mesir.
15 — Maratuhna di Mesir teh, nepi

ka pupusna Raja Herodes — Ieu


kajadian teh bukti laksanana Pangandika
Pangeran ka nabi-Na tea: ‘Kami geus
nyaur Putra Kami ti Mesir.’
16 Ari Herodes barang ngaraos yen

bujangga-bujangga teh jalir, pohara


benduna. Lajeng Herodes marentahkeun
numpes kabeh barudak lalaki di
Betlehem jeung sabudeureunana anu
umurna dua taun ka handap; eta teh
ancer-ancer anu dicandak ku Herodes, —
ngitung ti wates tembongna bentang —
sakumaha katerangan ti bujangga tea.
17 Nya harita tinekananana pilahir Nabi

Yermia anu kieu tea:


18 ‘Di desa Rama kadenge tingkaroceak,

midangdam aluk-alukan. Rahel


nyeungceurikan anak-anakna, henteu
MATIUS 2.19– 3.1 7
beunang dibangbalerkeun. Da puguh,
anakna kabeh geus teu aya di kieuna.’
19 Sapupusna Herodes, malaikat

Pangeran teh nembongan ka Yusup di


Mesir, dina impenan, dawuhana-Na:
20 “Hudang, eta Budak jeung indung-Na

bawa mulang ka tanah Israil. Anu ngarah


pati eta Budak teh, ayeuna mah, geus
teu araya di kieuna.”
21 Yusup hudang, tuluy eta Murangkalih

jeung ibu-Na dibawa mulang ka tanah


Israil.
22 Tapi ku lantaran anjeunna mendak

beja, yen raja Yudea gegentos Herodes


teh Arkaleus, putrana; atuh Yusup
ngaraos risi matuh di dinya mah.
23 Sanggeusna kenging deui pituduh

dina impenan, lajeng anjeunna


ngajugjug ka Galilea sarta bumen-
bumen di hiji kota nu ngaranna Nasaret.
Ku kituna, pilahir paranabi teh kajadian;
nya anu kieu ungelna, ‘Mantenna bakal
katelah urang Nasaret.’
1 Hiji mangsa Yahya Juru Baptis

3 gumelar sarta ngawitan ngayakeun


hutbah-hutbah di tegal kikisik di Yudea.
MATIUS 3.2–7 8
2 Hutbahna teh kieu: “Geura tarobat
sabab Karajaan Sawarga teh geus tereh
ngadeg!”
3 Nya anjeunna nu dimaksud ku Nabi

Yesaya teh, anu kieu tea: ‘Aya nu


cumeluk di tegal kikisik: Sadiakeun
jalan Pangeran, lelempeng pijalaneun
Mantenna.’
4 Yahya teh, panganggona tina bulu

onta; angkengna nganggo beulitan


kulit; ari tuangna, simeut jeung madu
leuweung.
5 Urang Yerusalem jeung ti sakuliah

propinsi Yudea, kitu deui ti tempat-


tempat sabudeureun Ciyordan, ngabrul
daratang ka anjeunna.
6 Tuluy ku Yahya dibaptis di walungan

Ciyordan, sanggeus maranehna


ngawakcakeun dosa-dosana.
7 Barang kauninga yen loba urang

Parisi jeung Saduki nu harayangeun


dibaptis, ku anjeunna diseukseukan,
“He maraneh, anu lir turunan oray
welang! Saha anu geus meringetkeun ka
maraneh, supaya maraneh ngaloloskeun
diri tina eta bebendon Gusti Allah nu
baris datang?
MATIUS 3.8–13 9
8 Sabab eta, tembongkeun laku lampah
anu saluyu jeung pertobatan maraneh.
9 Jeung deui ulah arumangkeuh dina

hate maraneh, ‘Karuhun urang mah


Ibrahim.’ Kami netelakeun, yen Gusti
Allah mah iasa bae midamel turunan
Ibrahim tina batu-batu anu aya di dieu.
10 Kampak teh geus sumanding

dina akar tangkal; satiap tangkal nu


bubuahna goreng, pasti dituar pikeun
dijadikeun parab seuneu.
11 Kami ngabaptis maraneh teh ku cai,

nandakeun yen maraneh tarobat; tapi nu


bade rawuh sapandeurieun kami mah,
langkung kawasa batan kami: Ngudaran
tali tarumpahna oge, kami mah henteu
werat. Mantenna mah, bakal ngabaptis
maraneh teh ku Ruh Allah jeung seuneu.
12 Panangana-Na nyepeng nyiru paranti

napikeun, tempat pangirikan geus


diberesihan, bangsalna geus diangkutan
ka lumbung; ari kekebul jaramina mah,
bakal diduruk ku seuneu nu henteu
pareum-pareum.”
13 Lajeng Isa sumping ti Galilea ka

walungan Ciyordan nepangan Yahya,


nyuhunkeun dibaptis.
MATIUS 3.14– 4.3 10
14 Ku Yahya diwagel, saurna, “Abdi nu
peryogi dibaptis ku Jungjunan mah,
sanes Jungjunan anu mundut ka abdi.”
15 Diwaler ku Isa, dawuhana-Na,

“Keun bae; sabab geus kitu kuduna,


supaya sapangersa Allah tinekanan.”
Geus kitu mah, Yahya teh ngiringan ka
sapamundut Isa.
16 Sabadana dibaptis, Isa hanjat ti cai.

Sapada harita keneh langit nyingray.


Katingali ku Anjeunna, Ruh Allah anu
mangrupi manuk japati teh, eunteup
kana salira-Na.
17 Sarta kakuping aya sora ti sawarga,

dawuhana-Na, “Nya ieu Putra Kami nu


kaasih, nu ku Kami dipikamanah.”
1 Isa, sanggeus dibaptis, ku Ruh

4 Allah dipingpin ka tegal kikisik sina


digoda ku Iblis.
2 Sanggeus saum meunang opat puluh

poe opat puluh peuting, Anjeunna


ngaraos lapar.
3 Torojol Iblis datang ngagoda, pokna,

“Lamun nyata Anjeun Putra Allah, tah


batu-batu parentah sina robah jaradi
roti.”
MATIUS 4.4–10 11
4 Isa ngawaler, “Ceuk Kitab: Manusa
teh, hirupna, lain ku roti wungkul, tapi
ku sabdaning Allah.”
5 Ti dinya, Isa ku Iblis diajak ka

Kota Suci, ka puncak Bait Allah nu


pangluhurna.
6 Si Iblis ngagoda deui, “Lamun nyata

Anjeun Putra Allah, coba tuturubun


ngaragragkeun maneh; sabab ceuk
Kitab: Allah baris nimbalan paramalaikat
sina nyanggap Salira, supados ulah
kantos tigasruk kana batu.”
7 Isa ngawaler, “Aya deui ceuk Kitab,

kieu: Maneh ulah ngadoja ka Pangeran,


Allah nu disembah ku maneh.”
8 Ti dinya, Isa diajak ka puncak hiji

gunung anu kacida luhurna. Breh


tembong karajaan alam dunya katut
sagala kaagrenganana.
9 Pok, Iblis ngadoja, “Mangga eta

candak sadayana, nyanggakeun, asal


kersa nyembah sareng bakti ka kaula.”
10 Tapi ku Isa diwaler, “Nyingkah

maneh, Iblis! Sabab kieu ceuk Kitab:


Kudu nyembah teh ka Pangeran, Allah
nu disembah ku maneh, ngan Mantenna
nu wajib dibakti.”
MATIUS 4.11–18 12
11 Ti dinya si Iblis undur. Tuluy burudul
paramalaikat sumping seja ngalalayanan
ka Isa.
12 Aya beja, yen Yahya dilebetkeun ka

panjara. Sanggeus mendak beja kitu,


Isa angkat seja nyilib ka Galilea.
13 Saterusna, linggihna teh lain di

Nasaret, tapi di Kapernaum, nya eta hiji


kota deukeut basisir Galilea di daerah
tanah Sebulun jeung Naptali;
14 hal ieu teh, supaya kalaksanakeun

dawuhan anu dilisankeun ku Nabi Yesaya


anu kieu ungelna:
15 “Tanah Sebulun, tanah Naptali,

liliwatan anu ka laut; tempat anu ayana


di peuntaseun walungan Ciyordan,
Galilea; wilayahna jelema-jelema anu
can kenal ka Allah!
16 Bangsa-bangsa, anu hirupna di alam

poek geus narenjo Cahya gumebyar! Nu


caricing di tempat poek anu kahieuman
ku maot teh baris kasorot ku eta Cahya!”
17 Isa terus ngawitan nyebarkeun

wawarana-Na, “Geura areling, tobat tina


dosa! Karajaan Sawarga teh geus meh
ngadeg!”
18 Waktu Isa keur angkat mapay talaga

Galilea, ningali tukang ngala lauk duaan,


MATIUS 4.19–24 13
adi lanceuk; maranehna teh, keur
ngaheurap di sisi basisir talaga. Nu
saurang ngaranna Simon (anu katelah
Petrus), saurang deui Andreas.
19 Ku Isa digentraan, “Geura ngiring

ka Kami! Engke, maraneh ku Kami rek


diajar ngala jelema!”
20 Eta nu disaur teh teu talangke,

tuluy bae marilu: Heurapna mah cul


ditinggalkeun.
21 Sanggeus ngantunkeun eta tempat,

Isa ningali deui dua jelema; eta nu


duaan teh adi lanceuk keneh, — anak
bapa Sebedeus — ngaranna Yakobus
jeung Yahya; maranehna keur dangdan
heurap jeung bapana, dina parahu;
lajeng ku Isa disaur:
22 Ieu oge teu talangke, tuluy marilu

cul bae bapana mah ditinggalkeun dina


parahu.
23 Saterusna, Isa ngider ka sakuliah

tanah Galilea, nyumpingan tempat-


tempat pangibadahan, hutbah,
ngawulangkeun Injil Karajaan Allah,
nyageur-nyageurkeun anu garering
jeung rupa-rupa kasakit.
24 Beja ngeunaan hal Anjeunna

teh, sumebar ka sakuliah nagara


MATIUS 4.25– 5.6 14
Siria. Murubul bae anu dararatang
ka Anjeunna, marawa anu garering,
nu nandangan rupa-rupa kasakit, nu
nandangan musibat, nu kasurupan,
nu sakalor, jeung nu lumpuh. Kabeh
dicageur-cageurkeun ku Anjeunna.
25 Antukna, Anjeunna jadi diiring-iring

ku balarea. Aya nu ti Galilea, ti Dekapolis,


ti Yerusalem, ti Yudea, malah aya nu ti
daerah-daerah peuntaseun walungan
Ciyordan.
1 Ningali anu ngariring sakitu reana,

5 Isa nanjak ka pasir, gek linggih,


diriung ku murid-murid.
2 Lajeng Isa ngawulang, saur-Na:
3 “Bagja jelema-jelema anu salawasna

ngaharep kana pitulung sarta pituduh


Allah; sabab Karajaan Sawarga
bagianana.
4 Bagja jelema-jelema anu ngarasa

sedih prihatin; sabab maranehna, ku


Allah tangtu dililipur.
5 Bagja jelema-jelema nu lemah

lembut; karana maranehna, di bumi


tangtu nampa naon nu geus dijangjikeun
ku Allah.
6 Bagja jelema-jelema nu nyoso kana

hal bebeneran, karana maranehna,


MATIUS 5.7–13 15
tangtu ginanjar ka sugemaan ti
Pangeran.
7 Bagja jelema-jelema anu boga watek

karunyaan, karana maranehna, tangtu


ginanjar rahmat Pangeran.
8 Bagja jelema-jelema anu beresih

hatena, karana maranehna, bakal


wawuh ka Pangeran.
9 Bagja jelema-jelema nu daek nyapih

ngarapihkeun batur, sabab maranehna,


ku Allah tangtu diangken putra.
10 Bagja jelema-jelema anu ditindes

lantaran ngabela kaadilan, sabab


Karajaan sawarga bagianana.
11 Bagja sakur nu dicela, dikaniaya,

dipitenah, disebut jelema jahat lantaran


anut ka Kami.
12 Mun maraneh pareng dikitu-kitu, sing

bungah sarta sing ngarasa gumbira;


sabab gede ganjaranana di sawarga.
Nabi-nabi oge, anu gumelarna samemeh
maraneh, sarua dikaniaya.”
13 “Maraneh teh lir uyahna dunya:

Lamun uyah ilang rasa asinna, taya pisan


bahan nu bisa mulangkeun deui rasana;
tungtungna, teu aya deui gunana iwal ti
dipiceun jeung tincakaneun jelema.
MATIUS 5.14–19 16
14 Maraneh teh lir caangna dunya:
Kota nu aya di luhur gunung moal bisa
disumputkeun;
15 malah mah, moal aya anu nyeungeut

lampu terus dituruban ku gantang;


tangtu diteundeun dina parantina,
supaya nyaangan nu di arimah.
16 Nya kitu lakuning hirup maraneh

oge, sing matak nyaangan batur jeung


jadi conto anu hade, supaya batur oge
ngagungkeun ka Rama maraneh di
sawarga.”
17 “Ulah boga panyangka Kami rek

ngarobah atawa miceun Toret Musa


jeung pangajaran nabi-nabi. Lain,
lain rek kitu, sabalikna, ku Kami rek
dilaksanakeun.
18 Sing inget: Sapanjang aya keneh

langit jeung bumi, moal aya babagian-


babagian Toret anu leungit sanajan
sacecek, samemeh sagala tujuanana
kabeh kalaksanakeun.
19 Jadi, sing saha bae anu nyoret

sabagian tina Toret, najan ngan saeutik


pisan bari ngajarkeun majar teh
memang geus kitu ti dituna; engke, di
Karajaan Sawargana, bakal kaasup anu
pangrendahna. Sabalikna, sing saha anu
MATIUS 5.20–25 17
tigin kana eusina Hukum Toret, — bari
nerangkeun ka nu sejen yen kitu kuduna
— di Karajaan Sawargana bakal mulya.
20 Kitu nu matak Kami ngabejaan: Mun

harayang asup ka Karajaan Sawarga,


kudu boga patokan hirup anu leuwih
punjul batan patokan hirupna ahli-ahli
Kitab jeung urang Parisi.
21 Karuhun urang geus dibere timbalan,

sakumaha anu geus kadarenge ku


maraneh, ‘Maneh ulah maehan. Anu
maehan kudu dihukum.’
22 Ku Kami dieceskeun: Ulah nepi ka

dekna maehan; ukur ambek ka batur


ge, geus pantes meunang hukuman.
Nu nyebut si kapir ka batur, kudu
dihadepkeun ka Pangadilan Agama. Nu
nyebut si gejul ka batur, geus pantes
keur hakaneun seuneu naraka.
23 Ku sabab eta, di mana rek

ngahaturkeun pangbakti ka Pangeran,


heug inget yen eukeur satruan jeung
batur maneh;
24 tunda heula pangbakti teh deukeut

mezbah, geuwat menta hampura heula,


kakara meunang neruskeun niat.
25 Lamun aya anu merkarakeun

ka maneh, satungtung aya keneh


MATIUS 5.26–32 18
kasempetan mah, — samemeh dibawa
ka pangadilan — ulah weleh ajakan
rapih. Ulah nepi maneh diserenkeun ka
hakim, pikeun dipasrahkeun ka nu wajib
supaya maneh dibui.
26 Lamun geus nepi ka kitu mah, taya

jalan pikeun bebas satungtung hutang


maneh acan lunas mah.
27 Maraneh geus ngadarenge timbalan,

‘Ulah jinah.’
28 Ayeuna, ku Kami rek dieceskeun:

Sing saha anu nelek-nelek awewe bari


aya sir napsu birahi, geus kaasup jinah
dina hatena.
29 Ku sabab eta, mun panon katuhu

ngajak teu bageur, cokel bae, piceun!


Leuwih hade cacad; ti batan awak mulus,
tapi tigebrus ka naraka mah.
30 Lamun leungeun katuhu ngajak

sasar, teukteuk bae, balangkeun! Leuwih


hade cacad; ti batan awak mulus, tapi
asup ka naraka.
31 Oge aya timbalan, ‘Anu nyerahkeun

pamajikan, kudu mere surat talak.’


32 Ayeuna, ku Kami dieceskeun: Anu

nyerahkeun pamajikan, kajaba tina


sabab ngabogaan watek nyelewer;
peta kitu teh, sasat ngajurung jinah
MATIUS 5.33–39 19
ka pamajikan. Upama popotonganana
kawin deui, lalaki anu ngawinna oge,
kaasup jinah keneh bae.
33 Aya deui timbalan-timbalan ka

karuhun maraneh, eusina, ‘Ulah ingkar


tina sumpah. Sing satia nyekel sumpah
di payuneun Pangeran.’
34 Ayeuna, ku Kami rek dieceskeun:

Peupeujeuh, ulah sok sumpah. Ulah


sumpah demi sawarga; sabab sawarga
teh singgasana Allah.
35 Ulah sumpah demi bumi; sabab

bumi teh dadampar singgasana-Na.


Ulah sumpah demi Yerusalem; sabab
Yerusalem teh panggeugeuhan Raja
Agung.
36 Jeung ulah sumpah nandonkeun

sirah; sabab maraneh hamo bisa


ngabodaskeun atawa ngahideungkeun
buuk salambar-lambar acan.
37 Kuduna teh: lamun enya sebut enya,

lamun henteu sebut henteu. Leuwih ti


kitu mah, eta teh, karepna si Jahat.
38 Oge aya timbalan, ‘Mata bayar mata,

huntu taur huntu.’


39 Ayeuna, ku Kami rek dieceskeun:

Ulah sok males kanyeri. Lamun pipi


MATIUS 5.40–46 20
beulah kenca ditampiling, asongkeun
deui nu beulah katuhu.
40 Mun aya nu merkarakeun, ku hayang-

hayangna ngarebut baju maneh, bikeun


bae sakalian jeung rangkepanana.
41 Lamun aya nu maksa menta dianteur

jauhna sakilometer, anteurkeun dua


kilometer.
42 Mun pareng dipentaan, kudu

daek mere. Kitu deui lamun pareng


diinjeuman, poma ulah nolak.
43 Aya deui timbalan, ‘Kudu silih

pikanyaah papada batur, musuh kudu


dipisatru.’
44 Ayeuna, ku Kami rek dieceskeun:

Musuh ge wajib dikarunyaan. Anu dengki


ka urang anggur doakeun sangkan
salamet,
45 malar urang teh diangken putra ku

Rama di sawarga. Sabab Mantenna mah


ka nu goreng ka nu hade, ka nu bener
ka nu teu bener, sami bae maparin hujan
maparin panas.
46 Naha make ngarepkeun ganjaran

Pangeran, ari ngan semet nyaah ka nu


mikanyaah deui mah? Kitu peta mah
bangsa tukang cuke oge barisaeun.
MATIUS 5.47– 6.4 21
47 Semet daek someah darehdeh ka
batur sorangan bae mah atuh naon
hesena, naon leuwihna ti nu sejen? Nu
nyarembah ka berhala oge, kitu-kitu bae
mah, geus biasa.
48 Kudu leuwih ti kitu maraneh mah,

kudu sampurna sabab Rama maraneh


nu di sawarga oge sampurna.”
1 “Poma, maraneh ulah

6 ngalampahkeun amal ibadah


teh ngan ngarah katangar ku batur
bae. Sabab lamun kitu mah, maraneh
moal meunang ganjaran ti Rama nu di
sawarga.
2 Saupama maraneh rek mere sidekah,

ulah sok make diuar-uar ngarah


katangar, jiga jelema-jelema nu
munapek tea; da maranehna sok karitu
di tempat-tempat pangibadahan atawa
di jalan-jalan teh: Ngarah kapuji ku
batur. Ceuk Kami mah, nu kitu teh, geus
narima ganjaranana.
3 Jadi, upama mere sidekah teh poma

ulah aya anu nganyahoankeun, indung


suku oge ulah dibejaan.
4 Sabisa-bisa sing rikip, ulah aya nu

nganyahoankeun; karana Rama anu di


Sawarga mah langkung uninga kana
MATIUS 6.5–9 22
pagawean maraneh, sanajan ririkipan
oge. Nu kitu, tangtu meunang ganjaran.”
5 “Jeung ari sembahyang teh, ulah sok

jiga jelema munapek. Ari nu karitu mah,


sembahyangna teh ngarah katangar, boh
di tempat-tempat pangibadahan, boh
dina pengkolan-pengkolan jalan gede.
Tah nu karitu teh, geus pada narima
ganjaranana.
6 Maraneh mah, ari sembahyang teh

kudu di kamar: Pantona dipeundeutan


sing rekep, tujukeun paneda ka Rama
nu di Sawarga. Rama nu Maha uninga
kana kalakuan maraneh anu rikip, pasti
ngaganjarna.
7 Sembahyangna henteu kudu loba

catur, kawas nu maruja ka brahala.


Maranehna boga sangkaan yen sakur
nu panjang doana bakal dikabul ku
Pangeran.
8 Omat, maraneh mah ulah kitu; Allah,

Rama urang mah, langkung uninga


kana pangabutuh maraneh samemeh
diunjukkeun oge.
9 Ku sabab eta, sembahyang teh kudu

kieu: Nun Ama, nu linggih di sawarga;


Jenengan Ama mugi disucikeun.
MATIUS 6.10–16 23
10 Karajaan Ama mugi rawuh, Pangersa
Ama mugi laksana di dunya, sapertos di
sawarga.
11 Mugi abdi dinten ieu dipasihan rejeki

anu picekapeun.
12 Sareng mugi ngahapunten

kalelepatan abdi, rehing abdi oge


parantos ngahapunten ka nu gaduh
kalelepatan ka abdi.
13 Mugi abdi ulah tinemu sareng cocobi,

sawangsulna, mugi disalametkeun ti nu


jahat. (Wirehing nya Ama anu kagungan
Karajaan, sareng kakawasaan sarawuh
Kamulyaan salalanggengna. Amin.)
14 Upama maraneh ngahampura

kasalahan batur, Rama maraneh di


Sawarga tangtu ngahapunten dosa-dosa
maraneh.
15 Sabalikna, lamun maraneh henteu

ngahampura kana kasalahan batur,


maraneh oge moal dihampura ku Rama
maraneh.”
16 “Maraneh ge, ari keur puasa,

paroman teh ulah mesum kawas jelema


nu munapek nu nembongkeun semu
ngarah katangar yen keur puasa. Ceuk
Kami, saenyana, nu puasa sarupa kitu
mah mo aya ganjaranana.
MATIUS 6.17–23 24
17 Tapi maraneh mah, lamun puasa
teh anggur sing laluis jeung kudu
sibeungeut;
18 supaya ulah kaciri ku batur, yen

maraneh keur puasa; tapi ngan ku Rama


bae, kauningana teh. Rama maraneh,
anu waspaos ka nu baruni, tinangtu
baris ngaganjar.”
19 “Maraneh ulah numpuk-numpuk

kakayaan dunyawiah sabab sok dihakan


ngenget jeung ruksak ku taihiang atawa
dibongkar, dipaling bangsat.
20 Kudu ngumpulkeun teh, kakayaan

pibekeleun maraneh di sawarga; nu


moal aya ngenget, moal taihiangan,
jeung moal aya nu ngabongkar.
21 Sabab di mana ayana kakayaan

maneh, nya di dinya nyantelna hate


maneh.
22 Panon teh damarna diri. Lamun

panon bengras, awak sakujur ge milu


caang.
23 Tapi lamun panon maneh ruksak,

sakujur awak oge kabawa poek. Jadi,


lamun caang nu aya di jero diri maraneh
leungit; nu geus poek teh, atuh beuki
poek bae.
MATIUS 6.24–28 25
24 Moal aya nu bisa ngawula ka
dua dunungan. Tangtuna oge nu hiji
dipikageuleuh, nu hiji deui dipikadeudeuh
atawa satia ka nu sahiji, tambelar ka nu
sejenna. Maraneh moal bisa ngawula ka
Pangeran ongkoh ka Mamon (kakayaan)
ongkoh.”
25 “Kitu nu matak Kami ngingetan: Ulah

rek salempang ku hirup, boh ku sandang,


boh ku pangan. Kapan hirup teh leuwih
utama batan dahareun sarta badan oge
leuwih penting batan papakean.
26 Tengetkeun geura manuk di awang-

awang: Tara teuing tebar, tara teuing


dibuat, jeung tara teuing boga simpenan
pare di leuit, geuning ku Rama di
Sawarga teu weleh dicukupan. Atuh
komo maraneh mah, anu leuwih ti batan
manuk.
27 Cik, naha aya di antara maraneh

nu bisa numbu umur, sanajan ngan


sajeungkal ku lantaran ngarasa
salempang?
28 Jeung naha make salempang ku

pakeeun? Tengetan kembang bakung di


tegalan: Tara teuing baranggawe, tara
teuing narinun.
MATIUS 6.29–34 26
29 Terus terang bae, sanajan
Raja Sulaeman anu kawentar
kabeungharanana tea, ari kaendahan
panganggona mah, moal ngabanding
kana kaalusanana eta kembang.
30 Jukut anu poe ieu ngemploh, isukna

dibabad, tuluy diduruk; geuning, ku


Pangeran didangdanan sakitu alusna;
komo maraneh, piraku teuing ku
Mantenna henteu disandangan! Naha
maraneh teh nepi ka kurang percaya?
31 Ku sabab eta, maraneh ulah

salempang sarta humandeuar, ‘Ti mana


meunang dahareun, ti mana meunang
inumeun, kumaha make?’
32 Anu karitu mah, lumrahna teh,

disiar ku nu henteu palercaya ka Allah.


Maraneh mah ulah sabab Rama nu di
Sawarga langkung tingali kana sagala
pangabutuh maraneh.
33 Pentingkeun heula anu tumali jeung

Karajaan Allah sarta kaadilanana nu


sampurna; sabab sakabeh pangabutuh
maraneh, ku Mantenna pasti dicukupan.
34 Ku sabab eta, henteu kudu salempang

ku poe isuk: Poe isuk mah ngabogaan


pangabutuhna sorangan! Kasusah
sapopoe oge geus cukup!”
MATIUS 7.1–7 27
1 “Ulah sok ngahukuman batur,
7 supaya maraneh ge henteu
dihukuman.
2 Sabab panghukuman maraneh teh

bakal malik ka diri maraneh sorangan,


sakumaha anu geus dipake ngahukuman
ku maraneh tea. Naon nu ku maraneh
dipake ngukur ka diri batur bakal
digunakeun deui ka diri maraneh.
3 Naha maraneh nelek-nelek tatal dina

panon batur maneh, ari balok dina panon


sorangan henteu karasa?
4 Naha pantes maraneh ngomong ka

batur maraneh, ‘Cing eta tatal dina


panon teh urang laan;’ padahal, dina
panon sorangan aya balokan.
5 Eh jelema anu munapek, piceun heula

balok tina panon sorangan, supaya teges


nya nenjo kana tatal nu rek dilaan tina
panon batur tea.
6 Barang nu suci sarta munel ulah

dibikeun ka anjing; jeung deui, ka


bagong teh, ulah dialungan mutiara. Bisi
barangna diluluh, tuluy satona malik
ngareweg ka maraneh.”
7 “Heug penta, tangtu dibere; heug

nyiar, tangtu manggih; heug ketrok,


tangtu panto dibuka.
MATIUS 7.8–14 28
8 Sabab sing saha anu menta baris
dibere; anu nyiar baris manggih; anu
keketrok baris dipangmukakeun panto.
9 Saha pijalmaeunana lamun anak

menta dahar, wet dibere batu?


10 Atawa mun anakna menta lauk,

piraku dibere oray?


11 Jadi, lamun maraneh anu sakitu

jahatna oge bisa nganyahokeun naon nu


pantes dibikeun tur baris mangpa'at keur
nu jadi anak; komo deui, Rama nu di
Sawarga mah: Nya langkung-langkung
bakalna maparin teh, asal nyuhunkeun
bae ka Mantenna.”
12 “Ku sabab eta, upama ngaharep

malar batur nedunan kahayang


maraneh, maraneh oge kudu daek
nedunan kahayang batur; ceuk Toret
jeung piwulang nabi-nabi oge kitu.
13 Heug arasup teh ka lawang nu leutik;

sabab loba jelema nu geus marilih asup


ka lawang anu rubak tur jalanna gede,
eta mah brasna kana picilakaeun.
14 Sabab sanajan leutik lawangna sarta

heurin jalanna, tapi ahirna matak bagja


jamuga; ngan nya kitu, nu milih jalan
ieu mah ngan saeutik.”
MATIUS 7.15–22 29
15 “Sing iatna ka nabi-nabi palsu, anu
dina sare'atna nyemu-nyemu domba,
padahal badis ajag nu rek nekuk.
16 Bisa kaboker soteh tina buah-buah

pagaweanana. Moal bisa ngala buah


anggur tina tangkal cucuk, atawa buah
kondang tina tangkal wareng.
17 Mun tangkalna hade, buahna oge

hade, tangkal goreng buahna oge moal


baleg.
18 Tangkal nu hade buahna moal

goreng, atuh tangkal nu goreng buahna


hamo alus.
19 Satiap tangkal anu henteu bener

bubuahna, tangtu dituar keur parab


seuneu.
20 Jadi, nyirikeun nabi-nabi palsu teh,

nya tina buah-buah laku lampahna.


21 Lain nu nyebut ka Kami: ‘Jungjunan,

Jungjunan!’ Nu bisa asup ka sawarga


teh, tapi nu ngalampahkeun pangersa
Ama nu di sawarga.
22 Engke, dina poe panungtungan, bakal

loba pisan anu unjukan kieu ka Kami,


‘Jungjunan, Jungjunan! Kapan abdi teh
parantos ngawuruk kalayan asmaning
Jungjunan, parantos nundung roh-roh
setan kalayan asmaning Jungjunan, oge
MATIUS 7.23–29 30
ngayakeun rupi-rupi mujijat kalayan
nyambat asmaning Jungjunan!’
23 Tapi terus terang bae ku Kami rek

diwalon kieu, ‘Kami sama sakali henteu


wawuh ka maneh; los nyingkir, heh
durjana!’”
24 “Ayeuna, saha nu ngaregepkeun

omongan Kami bieu tur jeung


ngamalkeunana, ku Kami diupamakeun
hiji jalma nu bijaksana, anu nyieun imah
dina cadas.
25 Ana breg katinggang hujan,

kateumbrag banjir, jeung diamuk angin


puyuh, imahna teh tetep tagen sabab
ngalemahna dina cadas.
26 Ari anu ngadengekeun omongan Kami

bari henteu jeung ngalampahkeunana


mah, ibarat jelema nu bodo katotoloyoh,
anu ngadegkeun imahna dina keusik.
27 Ana katarajang hujan, kacaahan,

katebak angin gede, imahna teh pasti


runtuh, ruksak paburantak.”
28 Saparantos Isa liren cacariosna,

jalma-jalma anu sakitu ngagimbungna


teh mani harookeun ku piwulang-Na.
29 Sabab Isa ngawulangna disarengan

ku kakawasaan, beda ti ahli-ahli Kitab


nu biasa ngawuruk maranehna.
MATIUS 8.1–6 31
1 Salungsur-Na ti gunung, loba pisan
8 jelema anu ngiring ka Isa.
2 Jol aya jelema anu boga kasakit lepra

nyampeurkeun, brek sujud, nyembah


di payuneuna-Na, terus mihatur,
“Nun Jungjunan, manawi Jungjunan
luntur galih, tinangtos Jungjunan tiasa
nyageurkeun simabdi.”
3 Isa lajeng nyodorkeun panangan. Nu

gering teh dicabak sarta ngadawuh,


“Hade, sing cageur maneh!” Dadak
sakala, eta kasakit leprana teh leungit
tanpa lebih.
4 Lajeng Isa ngadawuh ka manehna,

“Omat, ulah bebeja ka saha-saha.


Ayeuna, buru-buru bae ngadeuheus ka
imam. Tembongkeun awak maneh sarta
kudu nyanggakeun kurban sakumaha
dawuhan Musa pikeun jadi bukti ka
maranehna.”
5 Sasumpingna Isa ka kota Kapernaum,

Anjeunna dipapag ku hiji perwira anu


nyuhunkeun tulung ka Anjeunna;
6 pokna, “Nun Juragan, abdi teh

gaduh gandek, keur ngalempreh bae


di rorompok, gaduh kasawat lumpuh.
Teu tiasa walakaya sareng kalintang
sangsarana.”
MATIUS 8.7–12 32
7 Dawuh Isa, “Hade, urang cageurkeun,
engke Kami ka ditu.”
8 Tapi perwira teh ngawalon, “Juragan,

henteu layak rorompok abdi ka linggihan


ku Juragan mah. Dawuhkeun bae,
sakecap oge cekap, tangtos gandek abdi
teh cageur deui.
9 Jalaran abdi oge aya di bawah

parentah, nanging gaduh oge bawahan


perjurit. Upami abdi marentah indit ka
perjurit, tangtos manehna indit; ka nu
saurang diparentah datang, tangtos
datang; atanapi ka gandek nitah digawe,
tangtos dilampahkeun.”
10 Ngadangu walonanana kitu, Isa

ngaraos heran, tuluy ngadawuh ka anu


ngariring, “Iman anu sakitu pengkuhna,
ceuk Kami mah, moal manggih di bangsa
Israil oge.
11 Ceuk Kami, ka aranjeun: Loba nu

bakal daratang ti wetan jeung ti kulon


milu ngariung balakecrakan jeung
Ibrahim, Isak, jeung Yakub di Karajaan
Sawarga;
12 tapi eta anak-anak Karajaan teh,

baris dijongklok- jongklokkeun ka


tempat anu pangpoek-poekna, sina bati
sasambat jeung katalangsara.”
MATIUS 8.13–19 33
13 Geus kitu, Isa ngadawuh ka perwira
tea, “Geura mulang, anu diharep
ku anjeun kalawan yakin teh sing
tinekanan.” Harita keneh pisan bujangna
nu gering teh cageur.
14 Sasumpingna ka imah Petrus,

katingali ibu mertua Petrus keur


ngalempreh bae sabab keur muriang
tea.
15 Ku Anjeunna dicepeng leungeunna.

Harita keneh leungit panyakitna, terus


hudang sarta ngalalayanan ka Isa.
16 Magribna, loba pisan jelema-jelema

anu karaksuk ku setan dideuheuskeun


ka Isa. Ngan ku sakecap setan-setanna
ku Isa diusir; anu garering oge kitu
keneh, dicageurkeun ku sakecap bae.
17 Ku sabab eta, dawuhan anu

ditepikeun ku Nabi Yesaya teh


tinekanan; eta dawuhan anu kieu
ungelna, ‘Nya Anjeunna nu baris
nalangan dina sagala kahengkeran urang
sarta nanggel kasakit urang.’
18 Waktu ku Isa katingali, yen jelema

anu ngariring Anjeunna sakitu lobana,


Anjeunna mundut dipeuntaskeun.
19 Geus kitu, datang saurang ahli

Toret mihatur kieu, “Guru, ka mana


MATIUS 8.20–27 34
bae Anjeun angkat, simkuring sumeja
ngiring.”
20 Dawuh Isa ka manehna, “Rubah

baroga guha, manuk baroga sayang,


tapi Putra Manusa mah, teu boga tempat
pikeun ngagolerkeun sirah-sirah acan.”
21 Pok salah saurang murid-Na unjukan,

“Jungjunan, abdi permios wangsul heula


bade nguburkeun pun bapa.”
22 Tapi ku Isa diwaler, “Tuturkeun bae

Kami, keun bae nu paraeh mah sina


nguburkeun nu paraeh.”
23 Ti dinya Isa nitihan parahu disarengan

ku murid-murid.
24 Dumadakan, eta talaga teh ditarajang

angin ribut. Parahu dibuntang-banting


ku ombak, tapi Isa raos-raos bae kulem.
25 Tuluy ku murid-murid digugahkeun;

maranehna tingjarerit, “Jungjunan,


tulung! Tiwas urang!”
26 Saur Anjeunna, “Eh nu kurang

percaya, naha make sarieun?” Lajeng Isa


ngadeg, angin jeung talaga diseuseul;
rep, talaga teh, ayem deui.
27 Murid-murid harookeun, pokna,

“Saenyana ieu Guru urang teh saha?


Nepi ka angin jeung talaga oge
dicangking ku kakawasaana-Na!”
MATIUS 8.28–33 35
28 Barang parahu nepi ka peuntas, ka
daerah urang Gadara, Isa dipapag ku
dua jelema anu karaksuk setan anu jolna
ti astana. Ieu dua jelema teh garalak
pisan, nepi ka teu aya nu wani liwat ka
dinya.
29 Maranehna tingcorowok, pokna,

“Naon patalina Anjeun jeung simkuring


teh, he Putra Allah? Naha ka dieu teh
Anjeun rek nyiksa ka kuring samemeh
cunduk kana waktuna?”
30 Teu jauh ti dinya, aya babi kacida

lobana keur nareangan hakaneun.


31 Setan-setan nu nyurup ka eta dua

jelema tea menta kieu ka Anjeunna,


“Ari Anjeun rek ngusir kuring mah,
atuh idinan kuring rek nyurup ka itu
babi-babi.”
32 Timbalan Isa ka maranehna, “Heug!”

Tuluy setan-setan teh kalaluar ti eta


dua jelema, seug nyurup ka babi-babi.
Geus kitu, babi-babi teh kalabur, tuluy
tinggarebrus ka talaga; kabeh paeh
tilelep.
33 Ari nu ngajaragana biur kabur ka

kota. Datang-datang terus nyaritakeun


papanggihanana; kitu oge hal kaayaan
jelema nu diraksuk setan tea.
MATIUS 8.34– 9.6 36
34 Nu ti kota teh, atuh budal
ngadatangan Isa; sanggeus amprok,
maranehna ngadesek ka Isa, supaya
ngantunkeun daerah maranehna.
1 Ti dinya, Isa nitihan parahu lajeng

9 meuntas. Anjeunna dugi ka kota


asal-Na.
2 Geus kitu, aya nu lumpuh dibawa

ka Anjeunna, ngagoler bae dina bale-


balena. Sanggeus ku Isa kauninga iman
kapercayaan maranehna, Anjeunna
ngadawuh ka nu lumpuh tea, “Sing
percaya, anaking. Dosa hidep geus
dihampura.”
3 Aya sababaraha urang ahli Toret

nu ngaromong dina hatena, “Eta teh


mapadani ka Pangeran!”
4 Tapi palikiranana ku Isa kaaos.

Anjeunna ngadawuh, “Naha pikiran


aranjeun jarahat kitu?
5 Cik, babari mana, nyebut ‘Dosa maneh

geus dihampura’ atawa marentahkeun


‘Geura nangtung seug leumpang!’
6 Tapi supaya kauninga ku aranjeun,

yen Putra Manusa teh di ieu dunya


kawasa ngahampura dosa.” Lajeng ka
nu lumpuh tea, Isa ngadawuh, “Pek
MATIUS 9.7–12 37
nangtung, panggul bale-balena, jig
geura balik!”
7 Korejat, nu lumpuh teh, hudang, terus

balik.
8 Jelema-jelema nu harita nyaraksian,

galimir hatena, tapi tuluy maruji sukur


sarta ngamulyakeun Jenengan Allah
nu kersa masihan kawasa anu sakitu
ahengna ka manusa.
9 Ti dinya, Isa angkat deui. Anjeunna

ningali aya jelema, Mateus ngaranna,


keur diuk di kantor cuke; ku Anjeunna
digentraan, “Hiap ka dieu, tuturkeun
Kami!” Jung Mateus nangtung, tuluy
ngiring ka Anjeunna.
10 Satuluyna, waktu Isa nuju tuang di

imah Mateus, loba tukang cuke daratang


bareng jeung jelema-jelema doraka
sejenna. Terus marilu dahar ngariung
jeung Isa samurid-murid.
11 Katenjoeun ku urang Parisi, terus

maranehna ngaromong kieu ka murid-


murid Isa, “Naha guru maraneh daek
bae tuang jeung tukang-tukang cuke
sarta jeung jelema-jelema daroraka?”
12 Barang kadangu ku Isa, Anjeunna

ngadawuh, “Anu butuh ku doktor teh lain


nu sehat, tapi jelema nu garering.
MATIUS 9.13–17 38
13 Ku margi eta, mangga ulik
pihartieunana ieu dawuhan anu kieu
ungelna, ‘Anu diperedih ku Kami, nya
eta welas asih, lain kurban; sabab
Kami datang teh lain rek neangan
jelema-jelema nu ibadah, tapi anu
daroraka.’”
14 Sanggeus kitu, murid-murid Yahya

ngadeuheus ka Isa piunjukna, “Abdi-abdi


sareng urang Parisi paruasa, naon
margina murid-murid Anjeun mah tara?”
15 Diwaler ku Isa, “Ari sobat-sobat ki

panganten naha bisa ngarasa prihatin


sapanjang ki panganten bareng keneh
jeung maranehna? Tapi bakal datang
waktuna, ki panganten teh dicokot
ti maranehna. Tah, dina waktu eta,
maranehna bakal paruasana teh.
16 Jeung deui, moal aya nu nambal baju

butut ku lawon weuteuh; sabab ana


murengked matak soeh kana bajuna;
malah mah, eta soehna teh, matak
ngagedean.
17 Kitu keneh jeung cianggur nu anyar

keneh, moal disimpen dina kantong kulit


nu geus heubeul; sabab kulitna pasti
bedah: Cianggurna mancawura mubah
teu kaarah, kitu keneh wadahna. Pikeun
MATIUS 9.18–22 39
anggur anyar mah, wadahna oge kudu
anyar: Kakara bisa awet duanana, boh
eusina, boh wadahna.”
18 Waktu Isa cacarios keneh, aya hiji

kapala tempat pangibadahan urang


Yahudi (Synagoge) ngadeuheus ka
Anjeunna; tuluy nyembah di payuneuna-
Na. Pok unjukan, “Pun anak nu awewe
nembe pisan maot. Mugi kersa sumping.
Mugi kersa numpangkeun panangan ka
manehna, tangtos pun anak teh hirup
deui.”
19 Isa ngadeg, tuluy angkat, diiring

ku murid-murid-Na bareng jeung eta


jelema.
20 Sajeroning kitu, aya hiji awewe, geus

dua welas taun katerap kasakit ngagetih.


Manehna seselendep ka pungkureun Isa
sarta nyabak tungtung jubah Anjeunna.
21 Sabab cek pikirna, “Ku nyabak

tungtung jubah-Na oge, pasti aing teh


cageur.”
22 Tapi Isa ningali ka pengker bari

ngadawuh, “Ulah pegat harepan


anaking. Hidep geus disalametkeun
ku kayakinan hidep.” Ti semet harita
kasehatanana pulih deui.
MATIUS 9.23–30 40
23 Sasumpingna Isa ka imah kapala
tempat pangibadahan tea, katingal
tukang nariup suling jeung jelema-
jelema di dinya keur tagiwur.
24 Anjeunna ngadawuh, “Cing,

kalaluar heula, budak teh lain maot,


keur sare!” Sakur nu aya di dinya
nyaleungseurikeun.
25 Sanggeus jelema-jelema kalaluar

kabeh, Anjeunna teras lebet. Tuluy eta


leungeun budak teh dicepeng; sanggeus
kitu, kulisik, eta budak teh cengkat.
26 Kajadian eta gancang pisan

sumebarna ka sakuliah daerah.


27 Waktu neraskeun angkat-Na ti dinya,

aya nu lolong duaan naluturkeun bari


sasambat, pokna, “Mugi aya sih piwelas
ka simabdi, nun Putra Daud!”
28 Sanggeus Isa lebet ka hiji imah,

eta nu lalolong teh ngadareuheusan.


Ku Anjeunna didawuhan, “Naha
maraneh teh percaya yen Kami bisa?”
Wangsulanana, “Sumuhun percanten!”
29 Ti dinya, nu lolong teh, panonna ku

Anjeunna dicabak, dawuhana-Na, “Heug,


kayakinan iman maraneh sing diijabah.”
30 Dadak sakala, duanana bareunta

deui. Terus ku Isa diomat-omatan kieu,


MATIUS 9.31–36 41
“Kade ulah aya anu nyahoeun saurang
oge!”
31 Tapi maranehna, anggur ngider ka

sakuliah daerah eta, ngamashurkeun


Anjeunna.
32 Sanggeus anu lalolong tea arindit;

jol, ka Isa, nu mawa jelema pireu nu


karanjingan setan.
33 Sanggeus setanna ditundung, nu

pireu teh bisa ngomong. Jelema-jelema


anu nyaraksian kacida hareraneunana,
aromongna, “Nu ajaib kieu mah, di Israil,
acan manggih.”
34 Tapi ceuk urang Parisi mah, kieu,

“Manehna bisa ngusir setan teh, bane


bae make kakawasaan gegedug setan!”
35 Isa damel-Na ngider nyumpingan

kota jeung desa-desa bari ngawulang


di tempat-tempat pangibadahan jeung
ngawawarkeun Injil Karajaan Sawarga;
lian ti eta, Anjeunna oge nyageurkeun
rupa-rupa panyakit jeung kasakit-kasakit
sejenna.
36 Manah-Na, kalintang mikadeudeuhna

ningali jelema-jelema anu sakitu lobana;


bangun anu lalungse tur kalantar, jeg
domba tanpa pangangon.
MATIUS 9.37–10.5 42
37 Lajeng ngadawuh ka murid-murid,
“Pibuateunana mah lega, ari nu
mibuatanana ngan saeutik.
38 Ku sabab eta, kudu nyuhunkeun

ka nu Kagunganana, supaya Anjeunna


ngintun pagawe-pagawe pikeun dibuat.”
1 Murid nu dua welas teh

10 disaur ku Isa, tuluy dipaparin


pangawasa pikeun nundung roh-roh
jahat, nyageurkeun panyakit-panyakit,
jeung rupa-rupa kalemahan badan.
2 Ieu ngaran-ngaranna rasul-rasul anu

dua welas teh: Nu mimiti Simon, anu


sok katelah Petrus tea, jeung dulurna
Andreas; tuluy Yakobus bin Sebedeus
jeung Yahya dulurna;
3 tuluy Pilipus jeung Bartolomeus;

Tomas jeung Mateus, petugas pajeg tea;


Yakobus bin Alpius jeung Tadeus;
4 Simon urang Selot jeung Yudas

Iskariot; Yudas teh anu hianat ka Isa


tea.
5 Rasul nu dua welas teh ku Isa diutus

sarta didawuhan kieu, “Poma, maraneh


ulah nepi ka mengpar kana jalan bangsa
deungeun atawa asup ka kota urang
Samaria;
MATIUS 10.6–13 43
6 tapi nu kudu dijugjug teh, nya eta
domba-domba Israil nu geus kabur
ninggalkeun umat-Na.
7 Geura arindit, tuluy embarkeun

yen Karajaan Sawarga teh geus tereh


ngadeg;
8 hirupkeun deui nu paraeh; cageurkeun

nu lepra; tundung roh-roh setan. Ieu


hal, katampana ku maraneh teh, henteu
kudu mayar; ku sabab eta, mikeunna
oge ulah menta dibayar.
9 Poma, ulah mawa barang emas-

emasan, perak, atawa tambaga dina


beubeur maraneh;
10 ulah mawa bekel keur di perjalanan,

entong mawa baju dua rangkep,


tarumpah, atawa iteuk; sabab ari anu
barang gawe mah, sakuduna narima
buruhan.
11 Lamun maraneh asup ka hiji kota

atawa ka hiji desa, teangan saha di


dinya anu pantes; di dinya maneh kudu
nganjrek teh, tepi ka waktuna maneh
kudu indit deui ti dinya.
12 Lamun maraneh rek asup ka imahna,

kudu uluksalam heula ka nu boga imah.


13 Lamun manehna suka narima ka

maneh, salam maneh teh ditarima;


MATIUS 10.14–18 44
lamun henteu sukaeun, tangtu uluksalam
maneh balik deui ka maraneh.
14 Lamun aya anu teu sukaeun

kaanjangan sarta embungeun


ngadengekeun kana omongan maneh,
maneh kudu indit ti eta imah atawa ti eta
kota; tuluy gibrigkeun kekebul taneuhna
tina suku.
15 Ceuk Kami: Nasibna kota Sadumu

jeung Gomora bakal leuwih hade, ti


batan nasib eta kota: Jaga dina poean
Pangadilan.
16 Masing inget, maraneh diutus ku

Kami teh, henteu beda ti domba anu


digiring ka tengah-tengah ajag. Ku
sabab eta, maraneh kudu pinter kawas
oray, lantip kawas japati.
17 Tapi maraneh kudu tetep waspada,

ka sing saha oge. Sabab ti antara


maranehna teh, bakal aya nu baroga
maksud nyerenkeun maraneh ka
Majelis Agama sarta maraneh bakal
dihukum rangket di tempat-tempat
pangibadahanana.
18 Maraneh bakal dihadepkeun ka

parapembesar jeung raja-raja tina


lantaran Kami. Hal ieu teh, pikeun jadi
MATIUS 10.19–25 45
saksi ka maranehna jeung ka sakur anu
teu wawuh ka Allah.
19 Upama maraneh nepi ka diserenkeun;

poma, ulah salempang kumaha atawa


naon nya piomongeun; sabab dina waktu
eta pisan, maraneh bakal dipaparin
pituduh naon anu kudu diucapkeun.
20 Sabab anu nyarita teh lain maraneh,

tapi Ruh Allah Rama anu ngadawuh di


jero diri maraneh.
21 Dulur jeung dulur bakal silih dakwa,

supaya nu hiji dipaehan; kitu keneh bapa


ka anak. Barudak bakal ngalawan ka nu
jadi kolot, malah nepi ka wani maehan.
22 Maraneh bakal dipikageuleuh ku

sarerea tina lantaran ngaran Kami;


tapi sing saha anu satia nepi ka
panungtungan mah, bakal salamet.
23 Upama maraneh dikaniaya di hiji

kota, kudu nyingkir ka tempat sejen.


Sabab Kami ngabejaan ka maraneh, yen
samemeh kota di Israil kaider kabeh,
Putra Manusa bakal rawuh manten.
24 Ari murid moal ngungkulan guruna;

kitu deui bujang, moal ngungkulan


dununganana.
25 Geus untung, lamun si murid bisa

kaaku disajajarkeun jeung guruna


MATIUS 10.26–31 46
atawa bujang disajajarkeun jeung
dununganana. Lamun nu boga imah
geus disebut Beelsebul, mo aya hesena
nyebut Beelsebul ka saeusi imahna.
26 Ku sabab eta, maranehna mah ulah

dipikasieun. Euweuh perkara anu gelap


anu moal teu kaboker atawa perkara nu
buni anu moal teu kapanggih.
27 Naon nu ku Kami dicaritakeun ka

maraneh di nu poek, ku maraneh kudu


dicaritakeun deui di nu caang; sakur nu
diharewoskeun kana ceuli, ku maraneh
kudu diuar-uarkeun ti luhur suhunan.
28 Ulah sieun ka nu rek ngabinasa ka

awak maneh, tapi teu bisaeun ngabinasa


kana nyawa maneh; kudu sarieun teh,
ku anu bisa ngabinasa badan jeung
nyawa maraneh di naraka.
29 Ari manuk piit, dijualna teh, lain

dua saduit? Sanajan kitu, moal aya


anu ragrag kana taneuh ari henteu
dikersakeun ku Rama maraneh mah.
30 Malah buuk dina sirah maraneh oge

geus kaitung jumblahna.


31 Ku sabab eta, ulah hariwang,

maraneh teh leuwih punjul ti batan


manuk piit.
MATIUS 10.32–38 47
32 Jeung deui, sing saha anu ngaku ka
Kami di hareupeun umum, tangtu diaku
deui ku Kami di payuneun Ama Kami nu
linggih di Sawarga.
33 Sabalikna, sing saha nu ngangles

ka Kami di hareupeun umum, tangtu


diangles deui ku Kami di payuneun Ama
nu linggih di Sawarga.
34 Ulah boga sangkaan yen Kami bakal

ngadatangkeun karapihan ka ieu dunya.


Saenyana mah, Kami datang teh lain
mawa karapihan, tapi mawa pedang.
35 Kami datang rek nimbulkeun pasalia

antara anak lalaki jeung bapa, anak


awewe jeung indung, antara minantu
awewe jeung mitoha awewe,
36 sarta batur-batur saimahna bakal

jadi satru.
37 Sing saha anu leuwih nyaah ka

indung bapa, ti batan ka Kami, henteu


pantes jadi murid Kami; saha nu leuwih
nyaah ka anakna, — boh awewe, boh
lalaki — ti batan ka Kami, nu kitu henteu
pantes keur Kami.
38 Jeung deui, saha-saha nu teu daek

manggul salibna sarta nuturkeun ka


Kami, nu kitu ge teu pantes keur Kami.
MATIUS 10.39–11.1 48
39 Saha-saha anu ngabelaan nyawana,
bakal kaleungitan nyawana; saha-saha
nu kaleungitan nyawana tina lantaran
Kami, nyawana bakal salamet.
40 Sing saha nu daek ngaku ka

maraneh, eta teh sarua jeung ngaku


ka Kami. Saha-saha nu daek ngaku ka
Kami, eta teh geus daek ngaku ka Nu
geus ngutus ka Kami.
41 Saha-saha anu daek ngaku ka nabi

sakumaha pantesna, manehna bakal


narima ganjaran anu geus ngabaku keur
nabi; jeung deui, saha-saha anu daek
narima jelema bener sakumaha mistina,
bakal diganjar ku ganjaran anu geus
baku keur jelema bener.
42 Sing saha anu nyuguhan nginum,

— sanajan ngan ukur cai herang


sacangkir — ka nu panglaip-laipna ti
antara murid-murid Kami, ceuk Kami ka
maraneh: Anu kitu oge moal kaliwat,
tangtu baris narima ganjaran.”
1 Tamat ngawurukan murid-murid

11 nu dua welas, tuluy ti dinya,


Anjeunna angkat ngabujeng ka kota-
kota sejenna seja ngawulang jeung
nguarkeun Injil.
MATIUS 11.2–8 49
2 Mangsa Yahya keur dipanjara, sakur
padamelan Al Masih teh kawartoskeun
ka anjeunna.
3 Ti dinya, anjeunna ngajurungan

sababaraha urang muridna ngadeuheus


ka Isa; maksudna, rek naros kieu, “Naha
leres Anjeun nu bade rawuh teh, atanapi
kedah ngantos-ngantos anu sanes?”
4 Ku Isa diwaler, “Geura bejakeun bae

ku maraneh, caritakeun ka anjeunna


sakur nu geus kadenge jeung kasaksian
ku maraneh!
5 Nu lolong jadi beunta; nu lumpuh bisa

leumpang; nu lepra jadi setra; nu torek


bisa ngadenge; nu paeh dihirupan deui;
jaba ti eta, anu malarat diwawaran Injil.
6 Bagja sakur nu teu nganggap

tatajongan ka Kami.”
7 Sanggeus murid-murid Yahya tea

arindit deui, Isa ngawitan nerangkeun


ka jelema anu karumpul di dinya tina
hal Yahya, saur-Na, “Ari maraneh arindit
ka tegalan keusik teh rek narenjo naon?
Naha rek narenjo luak-leokna tangkal
kaso katebak angin?
8 Naon sababna, maraneh ngajugjug

ka eta tempat? Naha rek ngadon


ngalalajoanan nu keur mararidang?
MATIUS 11.9–13 50
Atuh anu gararinding, nu papakeanana
sarwa aralus mah, ayana teh di karaton
raja-raja!
9 Jadi, rek naon atuh maraneh teh?

Hayang nyaraho kana rupana nabi?


Tah, lamun eta maksud maraneh teh,
memang bener kudu ka dinya. Malah
ceuk Kami, Yahya teh leuwih luhur
harkatna ti batan nabi.
10 Sabab tina hal diri anjeunna, geus

kaserat kieu: Mangka waspada, Kami


geus ngutus utusan Kami saheulaeun
Anjeun, anu baris nyadiakeun pijalaneun
Anjeun.
11 Ceuk Kami ka maraneh: Di antara

jelema nu dijurukeun ku awewe mah,


acan manggih anu leuwih mulya
harkatna ti Yahya Juru Baptis; tapi di
Karajaan Allah mah, nu panglaip-laipna
oge, leuwih mulya ti batan anjeunna.
12 Ti semet sumpingna Yahya Juru

Baptis, — nepi ka kiwari — Karajaan


Sawarga teh pada nyerbu sarta anu
nyerbuna tea alihtiar supaya bisa
kumawasa di dunya.
13 Sabab hal eta teh, geus diwawarkeun

ku sakabeh nabi jeung ku Kitab Toret


nepi ka waktuna Yahya sumping;
MATIUS 11.14–20 51
14 jeung deui — upama ku maraneh
katarima — anjeunna teh nya Elias tea
anu geus dijangjikeun.
15 Lamun rumasa baroga ceuli, kudu

diraregepkeun!
16 Ari jelema-jelema jaman kiwari,

naha kudu diupamakeun kana naon?


Maranehna teh ibarat barudak nu keur
dariuk arulin di pasar bari tinggorowok
ka papada baturna, pokna:
17 ‘Ku urang dipangnyulingkeun,

sarilaing mah henteu daraek ngigel; ari


urang careurik, midangdam, sarilaing
mah bangun nu teu riuk-riuk milu sedih!’
18 Ayeuna, sumping Yahya anu teu

tuang teu leueut, majar teh anjeunna


kasurupan setan.
19 Geus kitu, Putra Manusa ku anjeun

rawuh, tuang leueut sakumaha biasa;


aromongna: Tuh tenjo jelema rakus,
pamabokan tukang nginum, komplotan
tukang-tukang cuke jeung bangsa
jelema daroraka! Tapi mungguhing
hikmat Allah mah, kaestuanana teh,
nyata tina padamelana-Na.”
20 Sanggeus kitu, Isa nyeukseukan

pangeusi kota anu henteu daraek tobat,


MATIUS 11.21–24 52
padahal Anjeunna midamel mujijat teh
panglobana di dinya.
21 “Cilaka maneh, Korasim! Cilaka

maneh, Betsaida! Sabab upama di kota


Tirus jeung di Sidon aya nu nyieun
mujijat saperti nu geus kasaksian ku
maraneh di dieu, tangtu maranehna
geus lila tarobat sarta ngarasa prihatin.a
22 Tapi Kami rek ngabejaan ka maraneh:

Engke, dina poean Pangadilan, hukuman


anu baris ditibankeun ka Tirus jeung ka
Sidon teh, tangtu leuwih enteng ti batan
hukuman maraneh.
23 Jeung ari maneh, Kapernaum,

naha maneh teh marukankeun bakal


dijungjung diugung-ugung tepi ka langit?
Moal, sabalikna, maneh bakal dirorod
dibalangkeun ka jero Karajaan Maot!
Sabab upama kabeh mujijat anu geus
kasaraksian ku maraneh kajadianana
di Sadumu, tangtu eta kota teh masih
keneh ngadeg nepi ka kiwari.
24 Tapi Kami rek ngabejaan ka maraneh:

Dina poean Pangadilan, hukuman pikeun


kota Sadumu, bakal leuwih enteng ti
batan hukuman ka maraneh.”

aZa 9:2-4
MATIUS 11.25–29 53
25 Harita Isa mihatur kieu, “Simabdi
muji sukur ka Payuneun Ama, nun
Allah nu kagungan langit sareng
bumi; wireh eta perkawis teh ku Ama
dibunikeun ka sakur nu laluhung sareng
palinter, nanging Ama parantos kersa
ngebrehkeun eta sadayana ka jalmi-jalmi
laip.
26 Sayaktosna pisan, nun Ama, eta

sadayana parantos sapuk sareng


pangersa Ama.
27 Sagemblengna ku Rama geus

dipasrahkeun ka Kami sarta moal aya


anu bisa wawuh ka Putra iwal ti nu
jadi Rama jeung deui moal aya anu
bisa wawuh ka Rama lian ti nu jadi
Putra-Na jeung sakur jelema anu geus
dikersakeun diebrehan ku Putra.
28 Hiap ka dieu ka Kami, sakur nu

mopo sarta kalempohan jeung nu loba


kabeubeurat, ku Kami maraneh rek sina
reureuh.
29 Geura pake, — ku maraneh — ieu

pasangan Kami; jaba ti eta, seug,


guguru oge ka Kami, — sabab Kami mah
lemah lembut tur rendah hate — supaya
batin maraneh manggih katengtreman.
MATIUS 11.30–12.5 54
30 Sabab pasangan ti Kami mah, genah
jeung momotanana ge hampang.”
1 Hiji mangsa, dina poe Sabat,

12 Isa ngalangkung pahumaan


gandum. Tina sabab lapar, murid-murid
Anjeunna mipit sababaraha ranggeuy
tuluy didalahar.
2 Hal eta katingal ku sababaraha urang

Parisi, pok arunjukan ka Anjeunna,


“Geura tingal itu murid-murid Anjeun,
keur baranggawe. Eta teh kapan henteu
kawidian dina poe Sabat mah!”
3 Tapi dawuhan Isa, “Naha aranjeun

acan maraca carios lalampahan Daud


katut pangiringna, keur mangsa
palayeun tuang tea?
4 Kapan ahirna, anjeunna lebet ka Bait

Allah, tuluy nuang roti haturkeuneun


ka Allah; padahal eta roti teh henteu
meunang pisan didahar, boh ku
anjeunna, boh ku pangiringna, kajaba
ku paraimam.
5 Naha henteu kaaos ku aranjeun dina

Kitab Toret, yen dina poean Sabat,


paraimam ngalanggar hukum Sabat
di jero Bait Allah? Tapi sanajan kitu,
euweuh anu ngalepatkeun!
MATIUS 12.6–12 55
6 Ceuk Kami ka aranjeun: Palebah dieu
mah aya anu ngungkulan Bait Allah.
7 Upami aranjeun leres-leres ngarti

kana eusina dawuhan nu ungelna kieu,


‘Nu ku Kami diperedih teh, nya eta
welas asih lain kurban.’ Upama aranjeun
ngarti kana eusina, tangtu moal rek
ngahukuman ka jelema anu teu boga
salah.
8 Sabab Putra Manusa teh,

Jungjunanning Sabat.”
9 Ti dinya, Isa ngantunkeun tempat eta,

lajeng lebet ka tempat pangibadahan.


10 Di dinya, kasampak aya jelema nu

paeh sabeulah leungeunna. Maranehna


nararos ka Anjeunna, “Naha kawidian
nyageurkeun nu gering dina poe Sabat?”
Naranya kitu teh, maksudna mah rek
neangan kasalahan Isa.
11 Tapi Isa ngadawuh, “Lamun salah

saurang ti aranjeun boga hiji domba,


tigebrus kana sumur dina poe Sabat;
naha manehna moal turun pikeun
ngangkat eta domba, supaya bisa
katulungan?
12 Naha jelema teh lain leuwih punjul

martabatna batan domba? Kitu nu matak


MATIUS 12.13–19 56
ngalampahkeun kahadean mah, henteu
dilarang dina poe Sabat oge.”
13 Lajeng Isa ngadawuh ka nu gering,

“Cing sodorkeun leungeun maneh.”


Nu gering nyodorkeun leungeunna.
Dumadakan leungeunna cageur, pulih
deui, sehat saperti leungeunna nu
sabeulah deui.
14 Sanggeus kitu, urang-urang Parisi

teh barudal ka laluar sarta maranehna


sakait pikeun maehan Isa.
15 Jelema anu ngariring ka Isa

teh loba pisan. Kabeh ku Anjeunna


dicageur-cageurkeun.
16 Tapi ku Isa, maranehna diomat-

omatan, nya eta ulah aya anu dibejaan


saurang oge saha Anjeunna teh;
17 supaya laksana Dawuhan Allah nu

geus dilahirkeun ku Nabi Yesaya, nya


eta:
18 ‘Geura tarenjo, ieu Nu ngabdi ka

Kami teh, pilihan Kami, nu Kaasih, tur


kamanah ku Kami; Ruh Kami baris
ngauban ka Anjeunna, sarta hukum
baris diwawarkeun ka sagala bangsa.
19 Anjeunna moal kersa papaduan jeung

moal huak-haok, jeung sora-Na moal


kadenge ti jalan.
MATIUS 12.20–26 57
20 Tangkal kaso nu pites, hamo
disapatkeun ku Anjeunna; seuneu
dina sumbu lampu anu meh pareum,
ku Anjeunna moal dipareuman; nepi
ka datang mangsana ku lantaran
kakawasaana-Na, hukum teh unggul.
21 Sarta nya Anjeunna nu bakal jadi

pangarep-ngarep sagala bangsa.’


22 Ti dinya, aya nu karanjingan setan nu

dideuheuskeun ka Isa. Jelemana lolong


sarta pireu, tuluy ku Isa dicageurkeun;
bisa ngomong sarta bisa nenjo.
23 Jalma rea hareraneun pisan,

aromongna, “Anjeunna teh boa-boa


Putra Daud tea!”
24 Eta teh kadenge ku urang-urang

Parisi, tuluy maranehna nyebutkeun


kieu, “Anjeunna bisa ngusir setan teh,
bane bae ngagunakeun kakawasaan
Beelsebul, gegedugna setan tea!”
Tapi Isa uningaeun kana pipikiran
maranehna, tuluy ngadawuh, “Karajaan
anu henteu bersatu tangtu ambruk.
25 Nya kitu keneh nagara atawa rumah

tangga anu baruntak, teu sauyunan,


moal bisa lila ngadegna.
26 Nya kitu oge, lamun Iblis merangan

Iblis deui, tangtu lumpuh kakawasaanana


MATIUS 12.27–31 58
tina sabab silih perangan tea; naha
kumaha karajaanana rek bisa ngadeg
terus?
27 Jadi, lamun Kami ngusir setan ku

kakawasaan Beelsebul, murid-murid


aranjeun rek ku kakawasaan saha ngusir
setan teh? Ku sabab eta, nya maranehna
anu baris jadi hakim aranjeun teh!
28 Tapi lantaran Kami ngusir setan teh

ku kawasana Ruh Allah, ceuk Kami ka


maraneh: Eta nandakeun yen Karajaan
Allah teh geus tepi ka aranjeun.
29 Rek kumaha bangsat bisa

ngagadabah imah jelema gagah,


niat ngaringkid harta bandana; iwal ti
ku nalikung heula jelema gagah tea?
Sanggeus dibarogod nu boga imahna,
kakara imahna bisa dirampog.
30 Saha nu henteu biluk ka Kami,

eta teh tangtu ngalawan ka Kami;


jeung deui, saha-saha anu henteu milu
ngumpulkeun sarta ngahijikeun, eta teh
geus tangtu ngabaruntakeun.
31 Ku sabab eta, ceuk Kami ka maraneh:

Sagala dosa jeung ucap-ucapan manusa


nu sarugal bakal dihampura, tapi anu
ngahinakeun Ruh Allah mah, hamo
meunang panghampura.
MATIUS 12.32–37 59
32 Upama aya jelema anu ngalawan ka
Putra Manusa, nu kitu bisa dihampura;
tapi lamun manehna ngalawan ka
Ruh Allah, dosa manehna moal bisa
dihampura: Boh ayeuna, keurna di
dunya; boh engke, di alam aherat.
33 Upama nyebutkeun yen tangkal ‘anu’

teh mulus, tangtu tina sabab buahna oge


mulus. Sabalikna, lamun nyebutkeun
yen tangkal ‘anu’ teh goreng, tangtu tina
sabab goreng buahna. Sabab kanyahoan
hade gorengna teh, tina buahna.
34 He, maraneh turunan oray welang!

Kumaha maraneh rek bisa ngabijilkeun


ucap-ucapan anu harade, ari maraneh
sorangan jahat? Sabab nu diucapkeun
ku sungut teh, asalna ti jero hate.
35 Jelema bener, ngabijilkeun hal-hal

anu bener tina sanubari nu bener.


Sabalikna, jelema jahat, ngutahkeun
kajahatanana tina sanubarina nu jahat.
36 Tapi ceuk Kami ka maraneh, sakecap

saucap maraneh anu mubadir baris aya


balitunganana dina poean Pangadilan.
37 Sabab maraneh, disebutna bener teh,

ditilik tina ucapan maraneh; nya kitu


keneh, tina sabab ucap-ucapan maraneh
oge, maraneh bisa dihukum.”
MATIUS 12.38–42 60
38 Dina hiji waktu, sababaraha
urang ahli Toret jeung urang Parisi
ngadeuheusan ka Isa, piunjukna, “Guru,
mugi kersa mintonkeun hiji tanda ka
simkuring, hoyong ningal.”
39 Tapi waler Isa, “Jelema-jelema alam

kiwari anu jarahat sarta teu beunang


dipercaya meredih tanda mujijat! Moal
dibarere, kajaba tanda mujijat Nabi
Yunus tea.
40 Nabi Yunus, cicingna, di jero

beuteung lauk teh tilu poe tilu peuting


lilana. Nya kitu oge Putra Manusa, bakal
aya di jero kandungan bumi teh, salila
tilu poe tilu peuting.
41 Engke, dina poean Pangadilan, urang

Niniwe bakal milu ngagugat ka ieu


jelema-jelema alam kiwari. Maranehna
bakal milu ngahukuman. Sabab urang
Niniwe teh tarobatna ku piwulang Yunus;
sedeng anu keur adu hareupan di dieu
teh, leuwih mulya ti Yunus.
42 Engke, dina poean Pangadilan, Ratu

ti tatar kidul bakal dihudangkeun deui


babarengan jeung jelema-jelema alam
kiwari. Anjeunna tangtu baris milu
ngahukuman. Sabab angkatna ratu ti
tungtung bumi teh kersana ngupingkeun
MATIUS 12.43–46 61
dawuhan Sulaeman anu kawentar
kabinangkitanana; padahal, anu jonghok
di dieu, saenya-enyana ngungkulan
Sulaeman.”
43 “Upama aya roh jahat nyingkah ti

hiji jelema; eta teh tuluy marakayangan


neangan tempat-tempat anu simpe
geusan enggon cicingna, tapi henteu
manggih.
44 Omongna, ‘Aing rek balik deui bae

ka tempat cicing urut tadi.’ Ti dinya,


manehna balik deui ka tempat asalna.
Kasampak tempat teh kosong, rapih,
jeung beresih.
45 Ti dinya, manehna indit deui neang

baturna tujuhan. Nu tujuh teh leuwih


jahat ti batan manehna. Sanggeus kitu,
eta roh-roh jahat, kabeh arasup ka eta
tempat; tuluy maratuh di dinya. Ahirna,
kaayaan jelema anu geus kasebut
tadi teh, leuwih parna ti batan tadina.
Tah eta pisan nu bakal kaalaman ku
jelema-jelema nu jarahat jaman kiwari
teh.”
46 Mangsa Isa keur cacarios keneh jeung

jelema rea, ibu-Na jeung wargi-wargi-Na


ngaradeg bae di luar. Maranehna seja
mendakan ka Anjeunna.
MATIUS 12.47–13.5 62
47 Aya nu unjukan ka Anjeunna, “Mugi
tingali, tuang ibu sareng saderek-saderek
nuju di laluar bade nepangan.”
48 Ka nu mawa beja Isa ngadawuh,

“Saha indung Kami teh? Jeung saha


dulur-dulur Kami teh?”
49 Isa nunjuk ka murid-murid Anjeunna,

tuluy ngadawuh, “Tah ieu indung jeung


dulur-dulur Kami teh.
50 Sabab sing saha bae anu

ngalampahkeun pangersa Ama


Kami anu linggih di Sawarga, nya eta
nu jadi dulur Kami lalaki, dulur Kami
awewe, jeung nu jadi indung Kami!”
1 Poe harita, Isa angkat ti bumi

13 lajeng calik di basisir.


2 Rob jelema-jelema daratang

ngarubung ka Anjeunna. Anjeunna


kapaksa nitih kana parahu; ari
jelema-jelema mah, tetep di basisir.
3 Sanggeus kitu, Anjeunna ngawulang

ngangge siloka ka maranehna dawuh-Na,


“Aya hiji patani, indit rek tebar.
4 Mangsa binih ditebarkeun, aya

nu ragrag ka sisi jalan; tuluy beak


dipacokkan ku manuk.
5 Aya deui, sawarehna, anu ragrag kana

tanah cadas. Binih teh jadi, tapi henteu


MATIUS 13.6–12 63
lila; sabab taneuh dina cadas teh, ipis
pisan.
6 Barang mimiti kapanasan jadi alum,

tuluy garing sabab ngakarna teu bisa


jero.
7 Sabagianana deui ragrag kana

rungkun cucuk. Tangkal cucuk


ngagedean. Binih anu kakara jadi teh
kasedekkeun, kadeseh nepi ka paehna.
8 Aya oge, anu ragragna teh, kana

tanah subur nepi ka bubuah. Aya nu


buahna nepi ka saratus tikeleun, aya
anu genep puluh tikeleun, aya oge anu
tilu puluh tikeleun, lobana.
9 Sing saha nu rumasa boga ceuli kudu

ngaregepkeun.”
10 Teu lila, jol murid-murid daratang;

pok unjukan, “Naon margina Anjeun


ngawulang ku siloka ka jalmi-jalmi anu
karempel di dieu?”
11 Dawuhan Isa, “Maraneh mah geus

narima sih kurnia, supaya bisa ngalarti


kana rasiah Karajaan Sawarga; tapi ari
nu sejen mah, henteu nararima.
12 Sabab anu dibere teh, nya eta sakur

nu geus baroga, nepi ka maranehna


medah-meduh bakat ku loba. Sabalikna,
anu teu boga mah, — malah anu aya di
MATIUS 13.13–17 64
maranehna teh sanajan teu pira oge —
bakal dicokot.
13 Tah eta sababna, Kami ngawuruk

ka maranehna teh ku siloka; lantaran


sanajan maranehna nyaksian, tetep
henteu awas; sanajan kadengeeun ku
ceulina, tetep teu ngadenge jeung teu
ngarti.
14 Jadi, pangwawaran Yesaya teh keuna

ka maranehna, nya eta: ‘Ku maraneh


bakal kadenge deui, kadenge deui, ngan
teu terus jeung dihartikeunana. Bakal
katenjo deui, katenjo deui, ngan weleh
teu dipaduli.
15 Sabab eta bangsa, hatena geus

teu mental, pangdengena geus mintul,


matana geus dipeureum-peureumkeun;
malar matana tong kungsi nenjo, ceulina
ulah kungsi ngareungeu, sieuneun
matak kaharti ku hatena, sieuneun
tarobat sarta ku Kami disina waraluya.’
16 Tapi untung maraneh mah sabab

mata bisa awas sarta ceuli bisa ngadenge


keneh.
17 Sabab rek diterangkeun ku Kami ka

maraneh: Loba pisan nabi-nabi jeung


jelema-jelema nu kacida harayangeun
nyahona ka nu geus kasaksian ku
MATIUS 13.18–22 65
maraneh, tapi henteu kungsi bisa. Loba
nu harayangeun ngadenge ka nu geus
kadarenge ku maraneh, tapi henteu
kungsi bisa.
18 Ku sabab eta, ayeuna, dengekeun

katerangan siloka nu tebar bieu teh,


tuluy lenyepan.
19 Satiap nu ngadenge dawuhan anu

nerangkeun Karajaan Sawarga, tapi teu


bisa ngahartikeunana; nu karitu teh
bakal didatangan si jahat. Binih anu
geus dipelak dina hatena tea, dirampas;
eta hartina binih anu ragrag kana sisi
jalan teh.
20 Binih anu ragrag kana tanah cadas

tea, ngagambarkeun jelema anu


ngadenge sarta sukaeun narima kana
eta dawuhan. Tapi nya kitu, henteu
ngakar dina hatena teh. Jadi, umurna
henteu bisa lila.
21 Lamun nyorang siksaan jeung

panganiaya tina sabab dawuhan tea,


terus bae manehna teh murtad.
22 Binih anu ragrag kana rungkun cucuk

tea, ngagambarkeun jelema nu geus


ngadenge dawuhan, tapi tina sabab
rupa-rupa kahariwang dina hirupna;
jeung deui, ku lantaran kabongroy
MATIUS 13.23–28 66
ku kabeungharan, eta dawuhan teh
kadeseh, teu bisa walakaya.
23 Anu ditebar dina taneuh anu subur,

ngagambarkeun jelema anu geus


ngadenge dawuhan tea, bari jeung bisa
ngahartikeunana. Ku sabab eta, binih
dawuhan teh nepi ka bubuah. Buahna
aya nu saratus tikeleun, aya nu genep
puluh tikel sarta aya oge anu tilu puluh
tikel lobana.”
24 Lajeng Isa masihan deui piwulang

ku siloka nu sejen, dawuhana-Na, “Ari


Karajaan Sawarga teh saupama hiji
jelema anu nebarkeun binih anu hade
dina tanah garapanana.
25 Tapi dina wanci sare, musuhna

datang; tuluy ngawurkeun binih eurih di


humana. Geus kitu mah, tuluy arindit.
26 Gandum teh jadi sarta mimiti

ranggeuyan. Tapi eurihna oge, milu


jaradi deuih.
27 Bujang-bujangna daratang ngabejaan

dununganana pokna: ‘Juragan, anu


dipelak di huma teh binih anu sae sanes?
Naha atuh bet seueur eurihna huma
teh?’
28 Jawab dununganana: ‘Tangtu

kalakuan musuh urang eta teh.’ Pok


MATIUS 13.29–33 67
deui bujangna arunjukan, ‘Naha kenging
dirambet ayeuna ku abdi?’
29 Tapi ku dununganana, dijawab

kieu: ‘Ulah; sabab bisi gandumna milu


kacabut, lamun dirambet ayeuna mah.
30 Keun bae sina bareng-bareng

jaradi, nepi ka waktuna dipibuatan.


Engke, nu darerep ku kami rek dititah
supaya eurihna dicabutan tiheula, sina
dikumpulkeun keur durukeun; geus kitu,
kakara gandumna dipibuatan, terus
sina dikumpulkeun jeung diarakutan ka
lumbung kami.’”
31 Isa masihan deui siloka anu sejen

ka maranehna, dawuh-Na, “Ari kaayaan


Karajaan Sawarga teh, ibarat binih
tangkal sasawi; sanggeus diala, tuluy
disebarkeun di pahumaan.
32 Sanajan siki sasawi leuwih leutik

batan sisikian sejen; tapi ari geus jadi


mah, kaayaanana, leuwih gede batan
palawija sejenna. Malah mangrupa
tangkal, nepi ka dahanna bisa dipake
nyarayang manuk.”
33 Lajeng Anjeunna masihan deui

siloka anu sejen. Dawuh-Na, “Kaayaan


Karajaan Sawarga teh, bisa oge
diupamakeun ragi nu ku kaum ibu
MATIUS 13.34–38 68
sok dipake nyieun adonan. Lamun
dicampurkeun jeung tilu taker tipung,
tuluy diadonan nepi ka dalit, tangtu si
adonan teh walatra ngabeukahan.”
34 Piwulang Isa teh kabeh oge ku siloka

bae. Piwulang-Na ka maranehna tara teu


make siloka.
35 Ku kituna dawuhan anu geus

dilahirkeun ku nabi teh ngabukti:


‘Baham Kami bakal muka pikeun
nepikeun siloka, bakal nyaritakeun
kaayaan nu ti sajlegna bumi tepi ka
ayeuna masih keneh buni.’
36 Ti dinya, Isa angkat deui ngantunkeun

jelema-jelema di dinya, lajeng mulih.


Murid-murid-Na ngadareuheusan,
piunjukna, “Mugi kersa nerangkeun
eusina siloka eurih sareng gandum tea
ka abdi-abdi.”
37 Isa ngadawuh kieu, “Jelema anu

nyebarkeun binih anu hade teh, nya eta


Putra Manusa.
38 Ari minangka taneuhna teh, nya

eta dunya. Nu disebut binih nu hade


teh, nya eta paraahli waris Karajaan;
ari nu diupamakeun eurih, nya eta
jelema-jelema murid si jahat.
MATIUS 13.39–44 69
39 Anu disebut musuh teh, nya eta
Iblis. Usum panen ngagambarkeun
ahir jaman; ari nu darerepna, nya eta
paramalaikat.
40 Saperti geus ka caritakeun tadi, yen

eurih teh dikumpulkeun, tuluy diduruk.


41 Kitu oge, engke, Putra Manusa teh

baris nimbalan paramalaikat. Naon bae


nu matak nyasabkeun jeung saha bae
anu ngalampahkeun kajahatan di jero
Karajaana-Na bakal disingkirkeun.
42 Nu karitu teh, kabeh ge, baris

dibalangkeun kana durukan; nya di


dinya bakal kadenge reang nu careurik
sarta tingkarerotna huntu.
43 Dina waktu eta, sakur nu balener

bakal moncorong cahayaan, — jeg


panonpoe — di jero Karajaan nu jadi
Rama. Sing saha nu rumasa boga ceuli,
kudu ngaregepkeun.”
44 “Ari Karajaan Sawarga teh,

diupamakeun harta anu kakubur di


tegal; tuluy eta harta teh kapanggih
ku jelema, tapi ku manehna dikubur
deui. Bawaning ku atoh-atohna, leos bae
balik. Sapangabogana kabeh dijual keur
meuli eta tegalan tea.
MATIUS 13.45–51 70
45 Kaayaan Karajaan Sawarga teh, bisa
oge diupamakeun hiji sudagar anu keur
nyiar mutiara anu pangalus-alusna.
46 Sanggeusna manggih, tuluy bae eta

sudagar teh balik heula pikeun ngajual


harta bandana; nya keur ngaduitan
mutiara tea.”
47 “Nya kitu oge, yen kaayaan Karajaan

Sawarga teh, bisa diupamakeun jaring


nu dipasang di laut. Sagala rupa lauk
arasup ka dinya.
48 Sanggeus pinuh, jaring teh dipulut, di

ka daratkeun. Pek palika kabeh dariuk,


prak lauk teh dipilih. Lauk nu ngeunah
diwadahan, ari bangsa lauk nu teu
didahar mah dipiceun.
49 Tah, kaayaan dina ahir jaman oge nya

kitu pisan. Paramalaikat baris sumping,


maksudna rek misahkeun jelema jahat ti
nu bener.
50 Nu jarahat mah digebruskeun kana

durukan seuneu. Di dinya, engke,


baris kadenge sora anu careurik sarta
tingkarerotna huntu.
51 Bisa kaharti, eta kabeh, ku

maraneh?” Walon murid-murid-Na,


“Kahartos pisan.”
MATIUS 13.52–57 71
52 Lajeng Isa ngadawuh deui, “Ku sabab
eta, satiap ahli Toret nu geus narima
kana pangajaran tina hal Karajaan
Sawarga teh, ibarat nu boga imah nu
ngabudalkeun sakabeh barangna nu aya
di jero imahna: Boh nu heubeul, boh nu
anyar.”
53 Rengse ngawulangna Isa angkat ti

dinya,
54 ngabujeng ka tempat asal-Na.

Di dinya, Anjeunna ngawulang ka


jelema-jelema di tempat aribadahna.
Maranehna ngarasa heran, aromongna,
“Ti mana Manehna boga hikmat jeung
kawasa nepi ka bisa nyieun mujijat
sakitu lobana.
55 Lain eta teh anak tukang kayu tea?

Maryam lain, indung-Na teh? Dulur


Yakobus, Yusup, Simon jeung Yudas?
56 Dulur-dulur-Na, nu awewe oge,

reureujeungan jeung urang di dieu lain?


Naha ti mana atuh meunang kakawasaan
jeung hikmat anu sakitu gedena?”
57 Geus kitu mah, maranehna teh

ngarasa cangcaya; Isa teh, tuluyna


mah, ditarolak ku maranehna. Ti dinya,
Anjeunna ngadawuh ka maranehna, “Nu
jadi nabi sok pada ngahormat di tempat
MATIUS 13.58–14.7 72
mana bae oge, kajaba di kampung jeung
di imahna sorangan.”
58 Lantaran urang dinya, henteu percaya

ka Anjeunna; di dinya, henteu loba


mujijat nu dipidamel ku Isa.
1 Dina waktu eta, Herodes, — raja

14 di eta wilayah — ngadangu oge


hal ihwal Isa.
2 Tuluy sasauran ka pagawena, “Moal

salah, eta teh Yahya nu geus paeh tea,


hirup deui. Ku sabab eta, manehna
ngabogaan kakawasaan dina diri-Na.”
3 Memang, Yahya teh ku anjeunna

dipiwarang ditangkep, dirante, tuluy


dijebloskeun ka panjara; patali jeung
Herodias, istri Pilipus, saderekna tea.
4 Ku Yahya, Raja Herodes kantos

ditegor, saurna, “Migarwa Herodias teh


henteu halal numutkeun hukum.”
5 Nu matak timbul niatna hoyong

maehan Yahya, tapi ngaraos rempan ku


jalma rea nu nganggap nabi ka Yahya.
6 Dina waktu pesta ulang taun

anjeunna, putri Herodias majeng ka


payun, ngibing, anu nyukakeun sang
Raja katut paratatamu.
7 Tina ku bingah-bingahna, anjeunna

nepi ka sumpah yen naon bae anu


MATIUS 14.8–14 73
dipundut ku nyi putri moal aya anu
dipungpang.
8 Sanggeus diasut-asut ku nu jadi ibuna,

nyi putri sasauran, “Abdi nyuhunkeun


sirah Yahya Juru Baptis dina ieu baki.”
9 Sang Raja ngarenjag, tapi tina

sabab geus sumpah tur kasaksian


ku paratatamu, tuluy anjeunna
marentahkeun supaya sapamundut nyi
putri teh dilaksanakeun.
10 Mastaka Yahya ditugel di jero

panjara.
11 Sanggeus dikabakikeun, dihaturkeun

ka nyi putri; tuluy ku nyi putri


disanggakeun ka ibuna.
12 Ti dinya, layon Yahya dicandak ku

murid-muridna, terus dimakamkeun.


13 Sanggeus Isa ngadangu wartos,

yen Yahya parantos pupus, Anjeunna


angkat seja nyepi di tempat anu simpe.
Angkat-Na kana parahu. Tapi maksad
Isa kitu teh, kanyahoan ku jelema rea.
Tuluy maranehna teh ngariring, marake
jalan darat ti kotana masing-masing.
14 Eta sababna, barang Isa unggah

ka darat, katingalieun ku Anjeunna


jelema-jelema geus kumpul, anu kacida
lobana; hal eta teh matak ngahelas kana
MATIUS 14.15–20 74
manah-Na. Saterusna mah, nu garering
teh ku Anjeunna dicageur-cageurkeun.
15 Wanci sareupna, murid-murid-Na

ngadareuheus ka Anjeunna; pihaturna,


“Di dieu teh tiiseun pisan sareng
parantos sareupna. Saena mah, ieu
jalmi-jalmi teh sina marios bae, sina
meser tedaeun di desa.”
16 Tapi dawuh Isa, “Henteu perlu

maranehna indit ti dieu, ku maraneh bae


saruguhan!”
17 Jawab murid-murid, “Roti mung aya

lima siki sareng laukna dua siki.”


18 Saur Isa, “Sok bae bawa ka dieu ka

Kami.”
19 Jelema-jelema teh ku Anjeunna

dipiwarang dariuk dina jukut. Sanggeus


Anjeunna nyandak roti anu lima siki
jeung laukna dua siki tea, Anjeunna
tanggah sarta ngucapkeun berkah. Roti
teras disemplekan, dipaparinkeun ka
murid-murid supaya dibagikeun. Tuluy
ku murid-murid dibagikeun ka sakabeh
nu aya di dinya.
20 Kabeh dalahar nepi sareubeuheun.

Tuluy kaleuwihanana dikumpulkeun, aya


dua belas bakul muncung.
MATIUS 14.21–28 75
21 Anu dalahar, harita teh, lalakina
wungkul kira-kira lima rebu urang, acan
kaitung awewe jeung barudak.
22 Geus kitu, murid-murid ku Isa

dipiwarang meuntas ti heula; ari jelema


nu loba mah, ku Anjeunna dijurung
marulang.
23 Sanggeus jelema-jelema baralik,

tuluy Anjeunna unggah ka pasir bade


ngado'a. Harita teh geus peuting.
Anjeunna nyalira bae di dinyana teh.
24 Murid-murid dina parahu geus

sababaraha mil jauhna ti darat;


parahuna kaumbang-ambing ombak
sabab angin kacida gedena.
25 Kira-kira pukul tilu, Isa ngabujeng

ka murid-Na; angkat-Na tapak kancang


dina beungeut cai.
26 Barang kabireungeuh ku murid-

murid, maranehna ngarenjag, tuluy


tinggorowok, “Jurig, jurig!” Maranehna
tingkaroceak teh kasingsieunan tea.
27 Tapi Isa enggal ngadawuh, “Sing

teger! Ieu teh Kami, entong sieun-sieun!”


28 Ti dinya Petrus ngagero pokna,

“Jungjunan, upami leres Jungjunan,


mugi abdi kawidian nyaketan leumpang
dina beungeut cai.”
MATIUS 14.29–36 76
29 Waler Isa, “Heug, ka dieu
sampeurkeun Kami!” Petrus turun
tina parahu; tuluy leumpang dina
beungeut cai, nyampeurkeun ka Isa.
30 Tapi sanggeus karasaeun tarikna

angin, mimiti manehna ngarasa gimir,


tuluy rek tilelep. Manehna gogorowokan,
“Jungjunan, tulungan abdi!”
31 Enggal ku Jungjunan disodoran

panangan; Petrus dicepeng dawuhana-


Na, “Euh, maneh mah kurang percaya,
naha make hamham?”
32 Ti dinya, arunggah kana parahu, jep

angin teh repeh.


33 Anu araya dina parahu nyarembah

ka Anjeunna, piunjukna, “Jungjunan teh


leres Putra Allah.”
34 Sanggeus nepi ka peuntas ditu,

maranehna balabuh di tanah Genesaret.


35 Jelema-jelema di tempat eta

tengeteun ka Isa, tuluy bae uar-uar ka


sakuliah daerah eta. Geus kitu mah,
sakur nu garering dideuheuskeun ka
Anjeunna.
36 Maranehna marenta diwidian nyabak

kana tungtung jubah Anjeunna. Sakur


anu nyabak, terus bae calageur.
MATIUS 15.1–7 77
1 Geus kitu, urang Parisi jeung
15 ahli Kitab ti Yerusalem daratang
ka Isa, naranya kieu:
2 “Ku naon murid-murid Anjeun

ngalanggar adat karuhun urang,


dalaharna henteu saribanyo heula?”
3 Ku Isa diwaler, “Ku naon aranjeun

oge, pedah tuhu ka adat karuhun jadi


ngalanggar parentah Allah?
4 Dawuhan Allah: Maneh kudu hormat

ka indung bapa. Jeung: Saha-saha anu


nyumpahan bapana atawa indungna,
kudu dipaehan.
5 Tapi cek maraneh mah: Saha-saha

anu pupulih kieu ka bapana atawa ka


indungna ‘Banda nu aya di kuring teh,
nu tadina mah rek dipake ngarawatan
bapa atawa ema, tapi ayeuna mah geus
dihaturkeun ka Allah,’
6 cek maraneh mah: Jelema anu karitu

mah geus teu wajib deui bakti ka


bapa atawa indung. Kalakuan aranjeun
kitu teh ngalindih dawuhan Allah,
ngagungkeun adat karuhun.
7 Eh, jelema-jelema munapek, piwejang

Nabi Yesaya hal aranjeun teh cocog


jeung buktina, unina:
MATIUS 15.8–16 78
8 ‘Ieu umat, biwirna ngagungkeun
Kami, hatena mungkir ti Kami.
9 Ibadahna ka Kami ge, cumah; sabab

nu diajarkeun teh ngan ukur aturan


parentah manusa.’”
10 Geus kitu, jalma rea ku Isa disina

kumpul, tuluy Anjeunna ngalahir:


11 “Regepkeun jeung lenyepan: Anu

matak jadi najis teh lain anu asup ka


jero sungut, tapi anu kaluar tina sungut;
nu kitu, nu najis teh.”
12 Murid-murid mihatur, “Jungjunan,

uninga eta kasauran anu bieu teh kangge


urang Parisi mah, lir batu tatajongan?”
13 Waler Isa, “Satiap pepelakan anu

lain beunang melak Ama Kami anu


aya di Sawarga, bakal dirabut jeung
akar-akarna.
14 Keun bae maranehna antep.

Maranehna teh, jelema-jelema lolong


nungtun anu lolong deui. Nu lolong
nungtun nu lolong mah, tangtu duanana
bakal tigebrus ka jero lombang.”
15 Petrus mihatur, “Terangkeun eta

siloka teh ka abdi-abdi.”


16 Waler Isa, “Kutan maraneh ge teu

ngarti?
MATIUS 15.17–24 79
17 Na teu nyaho, yen sakur anu asup ka
jero sungut teh, asup ka jero beuteung,
tuluy dipiceun ka jamban?
18 Tapi anu kedal tina sungut mah,

asalna ti jero hate, eta nu matak najis


teh.
19 Sabab nya tina hate asalna pikiran-

pikiran jahat teh, maehan, jinah,


pacabulan, maling, sumpah palsu jeung
ngahina.
20 Eta anu karitu, nu nganajiskeun

jelema teh. Ari dahar henteu sibanyo


heula mah, teu matak jadi najis.”
21 Geus kitu, ti dinya, Isa angkat ka

daerah Tirus jeung Sidon.


22 Jol aya awewe urang Kanaan nu aya

di eta daerah, ngagero, “Nun Jungjunan,


Putra Daud, abdi neda piwelas! Pun anak
awewe diraksuk setan, kalintang matak
hawatosna.”
23 Tapi ku Isa henteu diwaler. Murid-

murid-Na mihatur, “Sina nyingkah!


Mung nutur-nutur bae ka urang bari
gera-gero.”
24 Waler Isa, “Kami diutus ngan ka

domba-domba anu leungit, nya ka sakur


umat Israil anu leungit.”
MATIUS 15.25–31 80
25 Eta awewe beuki ngadeukeutan,
tuluy nyembah bari mihatur, “Jungjunan,
nyuhunkeun tulung!”
26 Isa ngadawuh, “Teu hade roti pikeun

barudak dialungkeun ka anjing.”


27 Cek eta awewe, “Leres, Jungjunan.

Nanging anjing oge sok ngaletakan


remeh anu ragrag tina meja
dununganana.”
28 Saur Isa ka manehna, “Ibu, iman

ibu pengkuh. Heug, pamenta ibu sing


tinekanan.” Sapada harita keneh anakna
cageur.
29 Sanggeus ngantunkeun eta daerah,

Isa angkat-Na mapay sisi talaga Galilea,


tuluy unggah ka gunung, calik di dinya.
30 Burubul jelema-jelema ka Anjeunna,

marawa nu lumpuh, nu pincang, nu


lolong, nu pireu, jeung rupa-rupa deui,
sina dariuk deukeut sampeana-Na; ku
Anjeunna terus dicalageurkeun.
31 Jelema-jelema ukur barengong nenjo

nu pireu bisa ngomong, nu pincang


cageur, nu lumpuh bisa leumpang,
nu lolong bisa nenjo. Tungtungna,
maranehna ngamulyakeun ka Allah nu
disembah ku urang Israil.
MATIUS 15.32–38 81
32 Geus kitu, Isa ngahiapkeun
murid-murid, seug ngalahir, “Karunya
ieu jelema-jelema teh. Geus tilu
poe mimiluna ka Kami, geus teu
barogaeun keur dahar. Kami teu tega
nitah maranehna balik lapar, tangtu
kalempohan di jalan.”
33 Pihatur murid-murid, “Di tempat

tiiseun kieu ti mana aya roti kangge


jalmi anu sakieu seueurna?”
34 Saur Isa, “Roti maraneh aya

sakumaha?” “Mung aya tujuh,” jawabna


“sareng lauk aralit, saeutik.”
35 Jalma-jalma teh, ku Isa dipiwarang

dariuk dina taneuh.


36 Tuluy Anjeunna nyandak roti anu

tujuh siki jeung lauk tea, sarta muji


sukur: Rotina disemplekan, tuluy
disodorkeun ka murid-murid, ku
murid-murid dibagikeun ka sarerea.
37 Tuluy bae dalalahar nepi ka

sareubeuheun kabeh. Sanggeusna,


kaleuwihanana, — beunang nyemplekan
tea — dikumpulkeun; meunang tujuh
tolombong pinuh.
38 Nu disuguh teh, lalakina wungkul aya

opat rebu urang, can kaitung awewe


jeung barudak.
MATIUS 15.39–16.7 82
39 Geus kitu, ku Isa dijurung marulang,
ari Anjeunna mah unggah kana parahu,
tuluy angkat ka daerah Magadan.
1 Geus kitu, daratang urang Parisi

16 jeung Saduki arek ngadoja ka


Isa. Maranehna menta tanda ti sawarga
ka Anjeunna.
2 Tapi Isa ngawaler, “Lamun pasosore

di langit aya layung, cek aranjeun hade


poena;
3 lamun isuk-isuk langit mendung,

cek aranjeun goreng poena. Kana rupa


langit, aranjeun bisa ngabedakeun; ari
kana tanda-tanda jaman, teu nyaho.
4 Ieu jalma-jalma kiwari anu jahat

marenta tanda. Taya tanda nu pantes


dibikeun, iwal ti tanda Nabi Yunus.” Geus
kitu mah, maranehna, ku Anjeunna
dikantun.
5 Waktu keur meuntas talaga,

murid-murid poho teu mekel roti.


6 Ari Isa sasauran kieu ka maranehna,

“Sing ati-ati, kudu waspada kana ragi


urang Parisi.” (Ragi di dieu hartina
kamunapekan).
7 Eta kasaurana-Na ku murid-murid

dipalikiran, tuluy ngomong pada batur,


MATIUS 16.8–14 83
“Meureun sasauran kitu teh lantaran
urang teu mekel roti.”
8 Isa uninga ka nu keur diaromongkeun

ku maranehna, Anjeunna ngalahir, “Naha


wet nyebut pedah teu mekel roti; eh,
maraneh nu kurang iman?
9 Na can ngaharti keneh bae? Na geus

teu inget kana roti lima siki mahi dipake


nyuguh lima rebu jelema? Sabaraha
tolombong deui leuwihna?
10 Nya kitu deui roti anu tujuh siki mahi

keur opat rebu jelema, jeung sabaraha


tolombong leuwihna?
11 Na kumaha make teu ngarti yen anu

dimaksud ku Kami teh lain roti! Cek


Kami: Sing waspada kana ragi urang
Parisi jeung Saduki.”
12 Geus kitu, kakara maranehna

ngalarti, yen anu dimaksad ku Anjeunna


teh lain ragi pikeun roti; tapi ajaran
urang Parisi jeung Saduki tea.
13 Sanggeus Isa sumping ka daerah

Kesarea Pilipi, Anjeunna mariksa ka


murid-murid, “Ari cek nu rea, saha Putra
Manusa teh?”
14 Wangsulna, “Aya nu nyebatkeun

Yahya Juru Baptis; aya nu nyebatkeun


MATIUS 16.15–21 84
Nabi Elias; aya oge nu nyebatkeun Nabi
Yermia atanapi salah sawios nabi.”
15 Saur Isa, “Ari cek maraneh, Kami

saha?”
16 Petrus ngawangsul, “Anjeun teh Al

Masih, Putra Allah nu jumeneng!”


17 Saur Isa ka manehna, “Bagja

maneh, Simon bin Yonas. Sabab hal


eta dinyatakeunana ka maneh lain
ku manusa, tapi ku Rama Kami nu di
sawarga.
18 Ayeuna Kami ngabejaan: Maneh

teh, nya eta Petrus, sarta nya dina


batu karang ieu Kami baris ngadegkeun
jamaah Kami, anu moal keuna ku
genggeman maot.
19 Maneh ku Kami arek dipasrahan

konci Karajaan Sawarga. Anu ku


maneh dibeungkeut di ieu dunya, bakal
dibeungkeut di Karajaan Sawarga.
Anu ku maneh diudar di ieu dunya, di
Karajaan Sawarga oge bakal diudar.”
20 Saterusna, murid-murid, ku Isa

dilarang teu meunang nyarita ka sasaha


yen Anjeunna teh Al Masih.
21 Ti waktu eta, Isa wawartos ka murid-

murid yen Anjeunna kedah ka Yerusalem


sarta baris nyorang kasangsaraan ti
MATIUS 16.22–26 85
pihak kokolot, ti imam-imam kapala,
jeung ti ahli-ahli Kitab; terusna bakal
dipaehan sarta baris hirup deui dina poe
katilu.
22 Anjeunna ku Petrus dibantun ka beh

sisi, pok manehna mihatur, “Jungjunan,


paliyas dugi ka kitu! Mugi-mugi hal eta
ditebihkeun ku Allah. Jungjunan ulah
dugi ka nyorang nu kitu.”
23 Isa malik, sasauran ka Petrus,

“Nyingkah, Iblis! Maneh teh geus jadi


batu tatajongan keur Kami; sabab
eta anu kapikir ku maneh teh lain
mamanahan Allah, tapi pipikiran
manusa.”
24 Geus kitu, Anjeunna ngalahir ka

murid-murid, “Sing saha nu seja ngiring


ka Kami, kudu nyangkal diri, manggul
salibna, jeung anut ka Kami.
25 Sabab saha-saha nu rek

nyalametkeun nyawana, bakal


kaleungitan nyawa; sabalikna, anu
kaleungitan nyawa demi Kami, bakal
meunang nyawa.
26 Naon mangpa'atna meunangkeun

sakuliah dunya, tapi kaleungitan


nyawana? Na naon barangna nu bisa
dipake ngaganti nyawana?
MATIUS 16.27–17.4 86
27 Putra Manusa teh bakal datang
make kamulyaan Rama-Na diiring ku
malaikat-malaikat-Na; mangsa harita,
Anjeunna baris ngayakeun wawales
ka unggal jelema, nurutkeun kumaha
kalakuanana.
28 Cek Kami, ka maraneh: Saenyana,

di antara anu ayeuna aya di dieu, aya


nu moal waka ajal samemeh narenjo
Putra Manusa datang ngajadi Raja di
Karajaana-Na.”
1 Heuleut genep poe, Petrus,

17 Yakobus, jeung Yahya ku Isa


dicandak ka hiji gunung anu luhur. Di
dinyana ngan aranjeunna bae.
2 Geus kitu, ku nu tiluan katenjo,

Isa salin rupi. Raray-Na moncorong


lir panonpoe, panganggo-Na hurung
gumebyar.
3 Katingal oge aya Nabi Musa jeung Nabi

Elias, keur cacarios jeung Anjeunna.


4 Petrus mihatur, “Jungjunan, estu,

bagja abdi-abdi aya di dieu teh.


Jungjunan, saena mah, urang ngadamel
saung tilu di dieu: Kangge Jungjunan,
kangge Nabi Musa, sareng kangge Nabi
Elias.”
MATIUS 17.5–12 87
5 Sabot manehna ngomong keneh,
ngadak-ngadak aya mega anu ngagebyar
turun mayungan ka Aranjeunna. Tina
mega teh aya sora, “Ieu teh Putra Kaasih
Kami, anu kamanah ku Kami. Masing
anut ka Anjeunna.”b
6 Awahing ku sieun kana eta sora,

murid-murid teh nyaluksruk kana


taneuh.
7 Ku Isa disampeurkeun terus diusap.

“Cengkat” dawuhana-Na, “tong sarieun!”


8 Barang maranehna cengkat geus teu

aya sasaha, kantun Isa bae.


9 Waktu marudun ti gunung Isa

mesen, “Kade, tetenjoan anu tadi ulah


diucah-aceh, nepi ka Kami hudang deui
ti nu maraot.”
10 Pihatur nu tiluan, “Upami kitu, naon

margina ahli-ahli Kitab nyebatkeun yen


Nabi Elias kedah sumping ti payun?”
11 Waler-Na, “Nabi Elias memang baris

sumping, pikeun ngomean sakur nu


perlu.
12 Ku Kami dibejakeun: Nabi Elias

teh geus sumping, tapi teu aya nu


wawuheun. Sikep jalma-jalma ka
anjeunna sakarep-karep pisan. Putra
bMrk 1:11; Luk 3:22
MATIUS 17.13–19 88
Manusa oge bakal disangsara ku
maranehna.”
13 Ti dinya murid-murid teh ngarti, yen

anu dimaksad ku Anjeunna teh Nabi


Yahya.
14 Sanggeus Isa jeung nu tiluan kumpul

deui jeung nu rea, datang hiji jelema,


tuluy nyembah;
15 pok manehna mihatur, “Jungjunan,

mugi hawatos ka pun anak, margi sok


sakalor. Sering pisan tikusruk kana
seuneu atanapi ka cai.
16 Parantos dibantun ka murid-murid

Jungjunan, nanging teu tariasaeun


naon-naon.”
17 Saur Isa, “Eh, umat nu teu boga

iman tur sasar! Sabaraha lilana deui


Kami kudu babarengan teh? Kudu nepi
ka mana Kami sabar teh? Bawa budakna
ka dieu!”
18 Terus setanna ku Isa ditimbalan

kalawan bengis pisan, sina ingkah ti eta


budak. Harita keneh oge, eta budak teh,
cageur.
19 Sanggeus teu aya sasaha, murid-

murid mihatur ka Isa, “Naon margina ku


abdi-abdi mah teu beunang diusir eta
setan teh?”
MATIUS 17.20–25 89
20 Saur Isa, “Lantaran maraneh henteu
cengeng percayana. Sabab saenyana,
mun maraneh boga iman, — najan ngan
sagede siki sasawi — mun ieu gunung ku
maraneh sina pindah tempat, tangtu ieu
gunung pindah; tur moal aya perkara nu
pamohalan keur maraneh.
21 Tapi bangsa nu tadi mah, moal bisa

diusir lamun henteu bari nyambat ka


Pangeran jeung puasa.”
22 Sanggeus Isa jeung murid-murid

aya di Galilea, Anjeunna nyarios kieu,


“Putra Manusa teh bakal diserenkeun
kana genggeman manusa, tuluy
ku maranehna dipaehan. Tapi dina
poe katilu, baris digugahkeun, nya
dihirupkeun deui.”
23 Hal ieu kacida matak ngaherukna ka

murid-murid.
24 Sasumping-Na, Isa samurid-murid,

ka Kapernaum, Petrus disampeurkeun ku


tukang narik pajeg Bait Allah, ditanya,
“Ari Guru anjeun sok mayar pajeg Bait
Allah?” Jawab Petrus, “Osok!”
25 Petrus terus asup ka imah, ku Isa

dipiheulaan dipariksa, “Simon, kumaha


ari cek maneh, saha biasana anu wajib
MATIUS 17.26–18.5 90
mayar pajeg atawa upeti ka prabu?
Warga nagara atawa bangsa asing?”
26 Walon Petrus, “Bangsa Asing.” Saur

Isa ka manehna, “Jadi, warga nagara


mah teu kudu mayar. Tapi keun bae,
urang teu meunang ngalawan.
27 Jung, ayeuna, maneh nguseup ka

talaga. Engke, lauk anu nyanggut ti heula


angkat; tuluy eta lauk teh calangapkeun,
dina sungutna aya duitan; eta duit teh
cukup keur mayar pajeg Bait Allah:
Pikeun Kami jeung maneh.”
1 Waktu eta, murid-murid mihatur

18 deui, “Dupi anu punjul di Karajaan


Sawarga, saha?”
2 Ti dinya, Isa nyandak hiji budak leutik

sina nangtung di tengah.


3 Saur-Na, “Ingetkeun ieu: Lamun

maraneh henteu robah kalakuan jeung


teu jadi cara barudak leutik, pimoaleun
bisa asup ka Karajaan Sawarga.
4 Anu punjul di Karajaan Sawarga teh,

nya eta anu handap asor jeung nu jadi


saperti barudak leutik.
5 Jeung saha-saha nu nyaah ka barudak

leutik demi ngaran Kami, eta teh nyaah


ka Kami.”
MATIUS 18.6–12 91
6 “Saha-saha anu ngalantarankeun
ingkarna salah sahiji ti barudak
leutik anu anut ka Kami, leuwih hade
dibangbaluhan beuheungna ku batu
panggilingan, tuluy balangkeun ka laut.
7 Cilaka dunya teh, loba gogoda dodoja.

Tapi leuwih cilaka deui jelema anu nyieun


gogoda.
8 Upama leungeun atawa suku maraneh

matak sasar, teukteuk: Piceun! Sabab


mending boga leungeun hiji atawa
suku hiji, tapi matak salamet di aherat;
tinimbang lengkep anggahota, tapi
tigebrus ka seuneu naraka.
9 Upama panon maraneh nu sabeulah

matak sasar, cokel: Piceun! Mending


pecak, tapi salamet di aheratna;
tinimbang panon dua, tapi tigebrus kana
seuneu naraka.”
10 “Ati-ati, maraneh ulah nepi

nyapelekeun salah sahiji barudak


leutik ieu. Sabab cek Kami: Malaikat-
malaikatna teh salawasna aya di
payuneun Rama Kami di Sawarga.
11 Sabab Putra Manusa sumping teh,

nya seja nulungan anu sasab.


12 Cik, upama aya nu boga saratus

domba, leungit hiji; cek maraneh, eta


MATIUS 18.13–18 92
jelema baris kumaha? Tangtu manehna
indit neangan, ari anu salapan puluh
salapan mah ditinggalkeun heula
nyaratuan di lamping pasir.
13 Ana nu leungit kapanggih; cek Kami

mah, nu bogana, atoheunana teh leuwih


ti batan ku anu salapan puluh salapan
nu teu kungsi leungit.
14 Pangersa Rama Kami di Sawarga oge

nya kitu: Ulah aya saurang-urang acan,


ti barudak leutik ieu, anu leungit.”
15 “Lamun aya dulur boga salah, teang,

elingan. Lamun meunang dielingan,


dulur urang teh beunang deui.
16 Lamun pepeling maneh teu didenge,

sakali deui elingan dibantu ku saurang


atawa duaan, nepi ka dadaran sualna
kasaksi ku duaan atawa tiluan, luyu
jeung pangajaran Kitab Suci.
17 Lamun nu sejen oge henteu didenge,

unjukkeun ka jamaah. Lamun ku jamaah


oge teu beunang dipepelingan, hade
dianggap deungeun-deungeun atawa
Tukang Cuke.
18 Jeung Kami ngabejaan ka maraneh

sakabeh, yen sagala rupa anu ku


maraneh dilarang di ieu dunya, di
Sawarga oge baris dilarang; naon-naon
MATIUS 18.19–26 93
anu ku maraneh diidinan di ieu dunya, di
Sawarga oge baris diidinan.
19 Oge Kami ngabejaan, yen iraha bae

maraneh ngunjukkeun panuhun kalawan


mupakat duaan, ku Rama di Sawarga
tangtu dikabul.
20 Sabab mun aya dua atawa tilu jalma

kumpul mawa ngaran Kami, Kami tangtu


aya ngareujeungan.”
21 Ti dinya Petrus mihatur ka Isa,

“Jungjunan, upami pun dulur gaduh


dosa ka abdi, sabaraha kali abdi wajib
ngahampura? Tujuh kali?”
22 Waler Isa, “Lain ngan tujuh kali, tapi

tujuh puluh kali tujuh kali.


23 Sabab Karajaan Sawarga teh,

ibarat hiji raja anu mariksa hutang


gandek-gandekna.
24 Barang prak mariksa, aya saurang

anu dideuheuskeun, hutangna jutaan


rupia.
25 Jelemana teu bisa mayar. Ku eta raja,

gandek teh sina dijual jadi budak beulian;


nya kitu deui anak pamajikanana katut
sagala pangabogana, pikeun ngalunasan
hutangna tea.
26 Gandek teh ngarumpuyuk,

ngomong melas-melis ka dununganana,


MATIUS 18.27–33 94
‘Nyuhunkeun sarantos bae, tangtos tiasa
lunas sadayana.’
27 Dununganana karunyaeun, tuluy

hutangna dibebaskeun.
28 Gandek nu geus dibebaskeun tina

hutangna tea, balik; di jalan amprok


jeung batur papada gandek, anu boga
hutang ka manehna ukur rerebuan bae.
Ku manehna dicerek, terus ditagih jeung
dicarekan, pokna, ‘Hayoh, bayar hutang
teh!’
29 Nu ditagih mani nyembah, walonna,

‘Tempoan heula atuh, sugan kabayar.’


30 Tapi teu didenge, malah terus

dijebloskeun ka jero panjara geusan


ngalunasan hutangna.
31 Barang gandek-gandek sejenna

nyarahoeun, pohara ngareneseunana,


tuluy arunjukan ka dununganana.
32 Eta gandek bengis teh, disaur deui.

Cek dununganana, ‘Maneh gandek nu


teu boga rasa rumasa. Hutang maneh
geuning ku kami dibebaskeun lantaran
ngadenge maneh ngalengis.
33 Atuh maneh oge wajib ngaraskeun

ka batur, kawas kami ngaraskeun ka


maneh!’
MATIUS 18.34–19.5 95
34 Ku bawaning dununganana jengkel,
gandek teh dijebloskeun ka panjara
pikeun ngalunasan hutangna.”
35 Jungjunan nutup carios-Na, “Rama

Kami di Sawarga oge, moal aya


hampura-Na ka maraneh; lamun
maraneh, masing-masing, taya hampura
ka sasama.”
1 Sanggeus cacarios kitu, Isa

19 jengkar ti Galilea, angkat ka


daerah Yudea di peuntaseun walungan
Ciyordan.
2 Loba pisan anu ngariring sarta anu

gareringna ku Anjeunna dicalageurkeun


di dinya.
3 Aya sawatara urang Parisi daratang

rek ngadoja ka Anjeunna, naranya


kieu, “Kumaha ari Toret urang ngidinan
atawa henteu, lantaran naon bae, salaki
nyerahkeun bojona?”
4 Ku Isa diwaler, “Na aranjeun acan

ngaji ayat anu nerangkeun, yen ti barang


Allah ngadamel manusa, ngadamelna
teh lalaki jeung awewe?
5 Sarta timbalana-Na, ‘Ku sabab eta

lalaki teh bakal incah ti indung bapana,


tuluy ngaraketan bojona sarta duanana
bakal jadi sadaging.’
MATIUS 19.6–12 96
6 Ku sabab eta, maranehna geus lain
dua deui, tapi hiji. Kitu nu matak,
mana-mana anu dirangkepkeun ku
Allah, henteu meunang dipisahkeun ku
jelema.”
7 Urang Parisi nempas, “Ku naon atuh

Nabi Musa marentahkeun, yen lamun


salaki nyerahkeun pamajikan kudu mere
surat talak?”
8 Waler Isa, “Nabi Musa ngidinan

nyerahkeun soteh lantaran aranjeun


baredegong. Katangtuan nu mimiti mah,
lain kitu.
9 Tapi cek Kaula ka aranjeun, ‘Sing saha

anu nyerahkeun pamajikan, — kajaba


ku lantaran pamajikanana ngabogaan
watek nyelewer — tuluy manehna kawin
ka awewe sejen, eta teh jinah.’”
10 Murid-murid mihatur, “Upami laki

rabi kitu sualna mah, atuh langkung sae


henteu kawin.”
11 Isa ngawaler, “Henteu kabeh bisa

ngaharti kana ieu sual, ngan anu


diparengkeun ku Pangeran bae.
12 Aya nu teu bisa kawin lantaran geus

kitu ti keur dikandungna keneh; aya nu


ku lantaran dijieun ku jelema; aya oge
anu memang ngahaja, ngarah husu kana
MATIUS 19.13–18 97
urusan kasawargaan. Tapi sing saha anu
bisa ngaharti, sing daek ngaharti.”
13 Ti dinya, aya nu ngadareuheuskeun

barudak leutik ka Isa, sina ditumpangan


panangan jeung didungakeun. Tapi ku
murid-murid dicarekan.
14 Saur Isa ka murid-murid, “Ingkeun

eta barudak teh sina ka Kami, ulah


dihalang-halang. Nya jelema-jelema anu
saperti maranehna, anu bakal ngamilik
Karajaan Sawarga teh.”
15 Tuluy eta barudak teh, ku Anjeunna

ditumpangan panangan jeung


didungakeun. Geus kitu, Anjeunna
angkat deui ti dinya.
16 Aya saurang jajaka datang ka Isa,

mihatur kieu, “Guru, naon anu sae, anu


kedah dilakonan, supados abdi tinemu
sareng hirup anu langgeng?”
17 Waler Isa, “Naha nanyakeun nu hade

ka Kami? Nu Hade mah ngan hiji. Tapi


ari hayang hirup langgeng mah, lakonan
parentah Allah.”
18 “Anu mana?” carek eta jelema.

Saur Isa, “Maneh ulah maehan, ulah


ngaranyed, ulah maling, ulah jadi saksi
palsu,
MATIUS 19.19–26 98
19 kudu hormat ka indung bapa, jeung
kudu nyaah ka pada batur kawas nyaah
ka diri.”
20 Walonna, “Eta, sadayana, parantos

dilakonan. Naon kirangna?”


21 Saur Isa, “Ari hayang sampurna mah,

jual kabeh babandaan; tuluy duitna


dermakeun ka pakir miskin, supaya
beunghar di sawarga. Geus kitu, maneh
ka dieu deui pikeun ngiring ka Kami.”
22 Ditimbalan kitu teh, eta jajaka,

balikna mani nguyung lantaran loba


pisan bandana teh.
23 Saur Isa ka murid-murid, “Memang

hese jelema beunghar asup ka Karajaan


Sawarga teh.
24 Sakali deui, cek Kami, ‘Babari keneh

onta moncor kana liang jarum, ti


batan nu beunghar asup ka Karajaan
Sawarga.’”
25 Dicariosan kitu, murid-murid jadi

recok, pokna, “Saha nu tiasa salamet


atuh, upami kitu mah?”
26 Maranehna ku Isa diteuteup, pok

Anjeunna sasauran, “Di jelema mah,


memang mustahil eta teh. Tapi di Allah
mah, teu aya barang mustahil.”
MATIUS 19.27–20.3 99
27 Petrus mihatur, “Abdi-abdi parantos
cul sagala rupi, teras ngiring ka
Jungjunan. Hoyong terang baris kenging
naon?”
28 Waler Isa, “Cek Kami, saenyana,

dina jaman sarwa anyar engke, di


mana Putra Manusa linggih dina tahta
kamulyaana-Na; maraneh, anu geus
ngingiring ka Kami, oge bakal nempatan
dua welas tahta katut hak ngahukum ka
dua belas kaom Israil.
29 Oge sing saha anu ku lantaran anut

ka Kami iklas ninggalkeun rumah tangga,


dulur awewe, lalaki, indung, bapa, atawa
anak, atawa raja kaya, bakal meunang
saratus kalieun ti ayeuna, tur meunang
hirup anu langgeng.
30 Tapi anu ayeuna geus ti hareula, loba

nu bakal jadi pandeuri; ari nu ayeuna


pandeuri, loba nu bakal jadi ti heula.”
1 “Karajaan Sawarga teh, ibarat

20 hiji jelema anu rebun-rebun geus


indit neangan kuli, nya sina digawe di
kebon anggurna.
2 Sanggeus putus yen piburuheunana

sadinar sapoe, terus kuli-kuli digarawe.


3 Kira-kira pukul salapan, manehna

indit deui, ka pasar; di dinya manehna


MATIUS 20.4–11 100
manggih nu keur ngaligeuh, terus
ditawaran gawe,
4 pokna: ‘Hayu gawe di kebon anggur

kula, buruhna pantes.’ Tuluy maranehna


arindit digawe.
5 Kira-kira pukul dua belas jeung pukul

tilu, nu boga kebon teh indit deui, cara


tadi.
6 Kira-kira pukul lima, geus burit, indit

deui bae neangan jelema. Geus manggih


diajak ngomong: ‘Ku naon tingjaranteng
bae ti isuk?’
7 Walonna: ‘Teu aya anu ngulikeun.’

‘Hayu atuh milu, digawe di kebon kula.’


8 Sanggeus poe reupreupan, nu

ngulikeun teh nitah ka mandor: ‘Sina


kumpul nu digarawe teh, buruhanana
bayar. Heulakeun bayar anu daratang
pangburitna.’
9 Tuluy nu daratang pukul lima sore

dibayar ti heula sadinar sewang.


10 Anu daratang pangisukna,

maranehna nyangka rek dibayar


leuwih gede. Tapi wet, sarua sadinar
keneh.
11 Bari nampanan buruhan maranehna

gegelendeng:
MATIUS 20.12–18 101
12 ‘Nu daratang pangburitna digawe
na ukur sajam, ari bayaranana wet
disaruakeun jeung anu ngadedeluk ti
isuk keneh bari moe maneh.’
13 Cek anu ngagawekeun: ‘Dulur-dulur,

kula henteu pilih kasih. Lain geus akur


urang teh, buruhna sadinar sapoe?
14 Geus, geura tarima ku maraneh,

jung geura balik. Hanas anu daratangna


pangburitna dibayar sarua jeung
aranjeun, atuh eta mah geus niat kula
kitu.
15 Na teu meunang kula make duit

sorangan sakahayang? Atawa maraneh


sirik pedah kula bageur?’
16 Tah kitu, anu pangpandeurina jadi ti

hareula, anu pangheulana jadi pandeuri.”


17 Waktu Isa rek angkat ka Yerusalem,

murid-murid anu dua belas sina


dareukeut ka Anjeunna. Di tengah jalan,
Anjeunna nyarios ka maranehna bae,
saur-Na,
18 “Ayeuna, urang rek ka Yerusalem; di

ditu, Putra Manusa teh bakal diserenkeun


ka imam-imam kapala jeung ahli-ahli
Kitab, sarta ku aranjeunna bakal
diragragan hukum pati.
MATIUS 20.19–24 102
19 Jaba ti eta, Anjeunna ge bakal
dipasrahkeun ka bangsa anu teu wawuh
ka Allah sina dihinakeun, dikaniaya,
ahirna disalib. Tapi sanggeus meunang
tilu poe, Anjeunna baris dihirupkeun
deui.”
20 Sabot kitu, jol bojo Sebedeus

(indungna Yakobus jeung Yahya)


bareng jeung dua anakna nemonan
Isa; Tiluanana ngaharempoy ka
payuneuna-Na, rek aya nu dipenta.
21 Saur Isa, “Rek menta naon?”

Wangsulna, “Dawuhkeun, yen ieu pun


anak duanana widi kenging tempat di
kiwaeun sareng di tengeneun Salira di
Karajaan Jungjunan.”
22 Tapi waler Isa, “Ibu teu terang ka

nu dipenta. Na saranggup nginum tina


lumur Kami?” Wangsulna, “Sanggem.”
23 Saur Isa, “Lumur Kami memang

bakal diinum ku maraneh. Tapi perkara


tempat kenca katuhueun Kami, Kami
teu kawasa ngidinan. Eta mah pikeun
jelema-jelema anu geus ditangtukeun ku
Rama Kami bae.”
24 Barang murid-murid nu sapuluh

urang deui ngadenge pamenta kitu, jadi


arambekkeun pisan ka anu duaan teh.
MATIUS 20.25–31 103
25 Tapi ku Isa diwawadian, saur-
Na, “Maraneh nyaho, pamarentah
bangsa-bangsa marentah rahayatna
teh ku kakerasan, nya kitu deui
pembesar-pembesarna, keras deui bae.
26 Tapi di antara maraneh mah, teu

meunang kitu. Mun salah saurang aya


nu hayang punjul ti nu lianna, manehna
kudu daek ngabdi ka sarerea.
27 Jeung saha-saha nu hayang jadi

jelema penting, kudu jadi badega


sarerea.
28 Putra Manusa oge sumping ka dunya

teh lain malar dikawulaan, tapi arek


ngawulaan jeung seja narohkeun pati
geusan nebus jalma rea.”
29 Sanggeus Isa samurid-murid nepi ka

luareun kota Yeriko, anu ngiring beuki


ngalobaan.
30 Di dinya, aya nu lolong duaan keur

andiprek di sisi jalan; ngadenge yen Isa


ngalangkung, maranehna teh tinggarero,
pokna, “Jungjunan, Putra Daud! Sing
hawatos ka abdi!”
31 Ku nu rea, eta nu lolong teh dicarek

sina repeh; tapi tinggarerona beuki


tarik bae, “Jungjunan, Putra Daud! Sing
hawatos ka abdi!”
MATIUS 20.32–21.5 104
32 Isa liren heula, nu lolong teh disaur;
tuluy ku Anjeunna dipariksa, “Hayang
dikumahakeun ku Kami teh?”
33 Wangsulna, “Jungjunan, abdi teh

hoyong tiasa ningal.”


34 Isa ngahelas manah-Na, tuluy panon

maranehna diusap: Bray bae, eta nu


lolong teh bareunta, nya bisa nenjo.
Geus kitu mah, maranehna teh ngiring
ka Anjeunna.
1 Sanggeus Isa jeung murid-murid

21 sumping ka Betpage, — di Gunung


Jetun, geus deukeut ka Yerusalem —
Anjeunna miwarangan dua murid,
2 saur-Na, “Teruskeun ka ditu, ka

kampung beh hareup. Engke, maraneh


bakal manggih kalde bikang keur
dicangcang, teu jauh ti anakna. Udaran
talina, terus bawa ka Kami.
3 Mun aya nu ngageureuh-geureuh,

bejakeun: Rek dianggo ku Jungjunan,


engke dipulangkeun deui.”
4 Ku hal eta, nubuwatan nabi-nabi baris

bukti, kieu:
5 ‘Tuduhkeun ka putri Sion: Itu Raja

maneh sumping. Lemes budi-Na,


sumping-Na nitih kalde, kalde umbal
ngora keneh!’
MATIUS 21.6–12 105
6 Eta dua murid teh, tuluy indit
ngalakonan piwarangan.
7 Kaldena dibawa jeung anakna,

beunang nyelaan ku jubah masing-


masing. Clak, ku Isa, ditunggangan.
8 Anu ngiring, anu sakitu lobana, bur-bar

ngalamparkeun jubah masing-masing


di tengah jalan; ari nu sawarehna deui,
ngalamparkeun dangdaunan beunang
mites-miteskeun tina tangkalna.
9 Leugeudeut ngaleut di payuneun

jeung pungkureuna-Na, bari tinggarero:


“Hosana ka Putra Daud! Mugia Anjeunna
dirahmat, anu rawuh kalayan Asma
Pangeran. Hosana di tempat nu
mahaagung!”
10 Barang sup, — Anjeunna lebet — ka

jero kota, urang kota gehger, “Saha Eta?


Saha Eta?”
11 Dijawab ku nu ngariring, “Nabi Isa,

asal ti Nasaret, daerah Galilea!”


12 Ti dinya, Isa lebet ka Bait Allah.

Anu keur jarual meuli di dinya diusir.


Meja-meja tukang nalukeuran duit, —
kitu deui — bangku-bangku tukang
dagang japati dibalik-balikkeun sarta
kieu dawuhana-Na:
MATIUS 21.13–19 106
13 “Geus aya tulisanana kieu: Gedong
Kami baris kasebut tempat babakti. Ari
ku maraneh dijieun guha begal.”
14 Geus kitu, aya anu lalolong jeung

galempor nyalampeurkeun Anjeunna ka


jero Bait Allah; ku Anjeunna, maranehna
dicalageurkeun.
15 Barang imam-imam kapala jeung

ahli-ahli Kitab nyarahoeun kitu, —


turug-turug pusing ku barudak anu ear
di Bait Allah tinggarero, “Hosana ka
Putra Daud!” — pohara arambekna;
16 tuluy maranehna negor ka Anjeunna,

“Kareungeu ku Anjeun, eta barudak


nyebut naon?” Waler Isa, “Kareungeu.
Naha ku aranjeun can kabaca anu kieu,
‘Biwir orok sareng barudak anu nyarusu
keneh ku Anjeun disina ngedalkeun
pupujian?’”
17 Ti dinya, aranjeunna ku Isa dikantun;

Anjeunna terus ka luar kota, ka Betania;


terus Anjeunna ngawengi di dinya.
18 Poe isukna, keur ka kotakeun deui, di

tengah jalan Isa ngaraos lapar.


19 Ningali aya tangkal kondang sisi

jalan; tuluy ku Anjeunna dicaketan, tapi


teu mendak nanaon iwal ti daunna. Geus
kitu, Anjeunna ngalahir ka eta tangkal,
MATIUS 21.20–25 107
saur-Na, “Maneh moal bubuah deui
salalawasna!” Dadak sakala eta tangkal
teh garing.
20 Murid-murid-Na arolohok bae anu

aya, tuluy mihatur, “Naha bet dugi ka


ngadadak garing kitu?”
21 Isa ngawaler, “Cek Kami, ka

maraneh: Saenyana, lamun maraneh


percaya tur henteu hamham, maraneh
oge lain bae bakal mampuh nyieun kitu
kawas Kami ka eta tangkal, tapi oge
mun cek maneh ka ieu gunung: Pindah
ka ditu, ka laut! Pasti ngajadi.
22 Jeung naon bae sakur anu dipenta

disambat dina paneda kalawan percaya


sagemblengna, tangtu baris dikabul.”
23 Geus kitu, Isa lebet ka Bait Allah,

terus ngawulang. Sabot kitu, imam-


imam kapala jeung kokolot bangsa
Yahudi naranya kieu ka Anjeunna, “Make
hak naon Anjeun milampah kitu teh?
Saha anu ngawasakeunana?”
24 Waler Isa, “Kaula ge seja nanya

saperkara. Lamun eta dijawab, Kaula


tangtu ngajawab pertanyaan aranjeun,
make hak naon Kaula milampah kitu.
25 Ari Yahya kagungan hak ngabaptis

ti saha? Ti sawarga atawa ti manusa?”


MATIUS 21.26–32 108
Aranjeunna badami heula, salaurna,
“Disebutkeun ti sawarga, tangtu disabab:
Ku naon teu dipercaya?
26 Disebutkeun ti manusa, urang

teh sieun ku rahayat; da anggapan


maranehna mah, Yahya teh nabi.”
27 Tuluy aranjeunna ngawalon kieu,

“Walahu'alam, teu terang!” Saur Isa ka


aranjeunna, “Lamun kitu mah, Kaula
ge moal nerangkeun, ti mana Kaula
meunang hak ngalampahkeun kitu.”
28 “Kumaha pamendak aranjeun tina

ieu carita? Aya Jelema nu boga dua anak


lalaki. Nitah ka anakna nu cikal: ‘Ujang,
geura ka kebon digawe.’
29 Jawabna: ‘Mangga,’ tapi teu prak.
30 Nitah deui ka anakna nu kadua

cara tadi. Jawabna: ‘Alim,’ tapi lila-lila


kaduhungeun, tuluy digawe.
31 Antara eta dua anak, nu mana anu

ngalakonan pamenta bapana?” Walonna,


“Nu pandeuri.” Saur Isa ka aranjeunna,
“Cek Kaula, ka aranjeun: Saenyana,
aranjeun bakal kapiheulaan asup ka
Karajaan Sawarga ku tukang-tukang
cuke jeung awewe palacuran.
32 Sabab Nabi Yahya teh sumpingna

seja nuduhkeun jalan nu bener


MATIUS 21.33–36 109
ka aranjeun, tapi ku aranjeun teu
dipercaya. Tukang-tukang cuke jeung
awewe palacuran mah, percayaeun.
Ari aranjeun sakitu sidik nya ningal,
angger teu aya rasa kaduhung, tetep teu
percaya ka anjeunna.”
33 “Aya deui misil sejen, kieu: Aya

tuan tanah muka kebon anggur anu


sakurilingna dipager; jaba ti eta,
manehna oge nyieunkeun bak pikeun
pameresanana jeung nyieun ranggon
paranti jaga. Geus kitu, kebonna
disewakeun, sina digararap ku nu sejen;
ari manehna mah, kencling nyaba ka
nagri sejen.
34 Barang geus meh usumna mupu,

manehna ngajurungan bujang-bujangna


ka nu nyarewa baris narik bagianana.
35 Bujang-bujangna teh, ku nu nyarewa

kebon anggur tea, dipahala: Aya


nu diteunggeulan, nu dipaehan, nu
dibaledogan ku batu.
36 Tuluy eta tuan tanah teh, nitahan

deui bujang-bujang sejen leuwih loba.


Tapi ieu oge, nasibna, sarua kawas nu ti
heula.
MATIUS 21.37–43 110
37 Panungtunganana, nu dititah teh
anakna; pamikirna, ka anakna mah
meureun daraek ngahargaan.
38 Tapi kakara ge beh ka manehna, nu

nyarewa teh geuwat sakait pada batur,


pokna: Ieu mah, ahli warisna. Hayu
urang paehan; engke, warisanana keur
urang.
39 Tuluy eta anak tuan tanah teh, ku

maranehna dicerek, ditotogkeun ka


luareun kebon anggur pikeun dipaehan.
40 Cik, di mana eta tuan tanah datang

arek kumaha ka eta anu nyarewa


kebonna?”
41 Walonna, “Jelema jarahat kitu mah,

tangtu dibasmi; ari kebon anggurna


disewakeun deui ka nu sejen, anu
pibenereun mere hasil kebonna dina
waktuna.”
42 Saur Isa, “Kumaha aranjeun geus

ngaos tina Kitab Suci? Kieu ungelna:


‘Batu nu dipiceun ku tukang tembok,
geus dijieun batu juru: Kitu kersaning
Pangeran mah, anu cek urang mah, eta
teh aneh.’
43 Ku sabab eta, Kaula ngabejaan ka

aranjeun: Karajaan Allah teh bakal


dirampas ti aranjeun, dipasrahkeun
MATIUS 21.44–22.4 111
ka bangsa sejen anu tangtu baris
ngahasilkeunana.
44 Jeung saha-saha anu tibeubeut kana

eta batu, pinasti ajur; sarta saha-saha


nu ditinggang ku eta batu, pinasti
remuk.”
45 Ku imam-imam kapala jeung ahli-ahli

Kitab karasaeun pisan, yen anu dimaksad


ku Anjeunna teh nya aranjeunna.
46 Kahoyongna mah, Isa ditangkep

harita keneh; tapi nya kitu, teu wani


prak lantaran sieuneun ku rayat; da
rayat mah, ka Anjeunna, nganggapna
teh nabi.
1 Isa nyarios deui ka maranehna

22 ku misil, saur-Na,
2 “Karajaan Sawarga teh saupama

hiji raja anu hajat ngarendengankeun


putrana.
3 Raja nimbalan ponggawa-ponggawa

nyusulan paraondangan, tapi ondangan


taya nu datang.
4 Tuluy raja miwarangan deui

ponggawa-ponggawa sejenna,
dawuhanana: Bejakeun ka nu geus
diarondang, hajat kami geus tarapti;
sapi-sapi jalu, — nya kitu deui pipiaraan
MATIUS 22.5–12 112
sejenna — geus dipareuncit, malah mah
geus diolahkeun. Geura sarumping kitu.
5 Tapi anu diarondang teh, teu aya nu

ambil pusing: Aya nu leos ka kebon


jeung aya nu jongjon-jongjon bae di
toko.
6 Aya oge, — anu sawarehna deui — nu

pada nyerek paraponggawa, nya pikeun


disiksa atawa dipaehan tea.
7 Raja jadi wera, tuluy ngiangkeun

wadya bala, jelema-jelema nu maehan


teh dibasmi, padumukanana dihuru.
8 Geus kitu, eta raja, nimbalan ka

abdi-abdina: Hajat kawin geus tarapti;


ari nu geus diarondang, ayeuna geus teu
pantes ka dieu.
9 Ku sabab eta, datangan jalan-jalan

cagak, sakur anu liwat ondang ku


maraneh ka dieu.
10 Abdi-abdi arindit, tuluy sakur anu

kapanggih di jalan-jalan, nu jahat, nu


bageur dikerid, nepi ka balandongan teh
pinuh ku semah.
11 Waktu raja lebet nemonan semah,

katingali nu saurang dangdananana lain


paranti ka nu hajat.
12 Tuluy raja ngadawuh: Ki Sanak, naha

eta dangdanan teh lain pakean paranti


MATIUS 22.13–18 113
ka anu hajat? Nu dipariksa ngabetem
bae.
13 Raja nimbalan ka abdi-abdina:

Borogod ieu jelema teh sukuna jeung


leungeunna, terus balangkeun ka tempat
anu pangpoekna, keun sina gegerungan
bari kumerot huntu.
14 Sabab najan loba nu disaur, anu

kapilih mah ngan saeutik.”


15 Geus kitu, urang Parisi tinglaleos;

tuluy maranehna baradami pipetaeun


naheunan Isa ku hiji sual.
16 Maranehna nitahan murid-muridna

bareng jeung anggota-anggota parteyna


raja Herodes nyual ka Isa, pokna,
“Guru, parantos teu aya nu bireuk
deui ka Anjeun, yen Anjeun teh jujur
tur satarabasna ngawurukeun jalan
Allah; nya Anjeun teh teuneung ludeung
mayunan sing saha bae, wireh sanes
pangalapan.
17 Cobi saurkeun, kumaha panggalih

Anjeun: Naha wenang atanapi henteu


mayar pajeg ka prabu?”
18 Isa, anu uninga kana maksud

maranehna anu julig ngawaler, “Na make


ngadoja ka Kami, eh jelema-jelema anu
munapek?
MATIUS 22.19–26 114
19 Ka dieukeun duit keur mayar pajeg
teh, cik Kami ngilikan.” Tuluy maranehna
nyodorkeun duit dinaran.
20 Saur Isa, “Cik, ieu gambar saha

jeung tulisan saha?”


21 Jawabna, “Gambar sareng

tulisan prabu.” Saur Isa, “Anu wajib


disanggakeun ka prabu, sanggakeun
ku maraneh ka prabu jeung anu wajib
disanggakeun ka Allah, sanggakeun ku
maraneh ka Allah.”
22 Diwaler kitu teh maranehna bati

tingpolongo, terus ngelemet undur.


23 Poe eta keneh, jol deui ka Isa

sababaraha urang Saduki, nya eta kaom


anu teu percaya kana ayana poe kiamat.
24 Maranehna naranya kieu, “Saur

Nabi Musa, upami hiji lalaki maot teu


ninggalan anak; tilas bojona kedah terus
dikawin ku dulurna nu hilang, supados
nurunkeun turunan keur dulurna nu geus
teu aya tea.
25 Ayeuna, aya lalaki tujuh padudulur.

Nu kahiji kawin, geletuk maot. Ku margi


teu ninggalan anak, randana dikawin ku
dulurna.
26 Kitu bae saterasna: Nu kadua, nu

katilu dongkap ka nu katujuh, mararaot.


MATIUS 22.27–34 115
27 Ahirna, awewena oge maot.
28 Dina poe kiamat, ti antara eta
anu tujuh teh, nu mana salakina eta
awewe; margi tujuhanana kantos ngawin
manehna.”
29 Ku Isa diwaler kieu, “Aranjeun teh

sasar; da aranjeun mah teu ngaharti


kana Kitab Suci jeung teu ngarti kana
kakawasaan Allah!
30 Dina poe kiamat mah, jelema teh

henteu kawin, henteu dikawinkeun.


Sabab hirupna teh, cara malaikat di
Sawarga.
31 Hal perkara hudangna anu maraot,

naha aranjeun acan maca anu


didawuhkeun ku Allah? Timbalanana:
32 Ieu Kami Allah nu disembah ku

Ibrahim, Allah nu disembah ku Isak,


jeung Allah nu disembah ku Yakub.
Anjeunna, lain Allah nu disembah ku
jelema-jelema nu maraot, tapi Allah
nu disembah ku jelema-jelema anu
harirup.”
33 Balarea ngadarenge kitu teh kacida

heranna, mikahelok piwulang-Na.


34 Barang urang Parisi meunang beja

yen urang Saduki beunang kabungkem


ku Isa, tuluy karumpul.
MATIUS 22.35–44 116
35 Geus kitu, nu saurang, nya eta ahli
Kitab nanya kieu, — maksudna ngadoja
ka Anjeunna —
36 “Guru, timbalan nu mana anu

pangutamana dina Toret?”


37 Waler Isa, “Kudu nyaah ka Pangeran,

— Allah nu disembah ku maneh —


kalawan sabuleudna hate, sabuleudna
jiwa, sarta saakal budi.
38 Eta timbalan nu pangutamana.
39 Timbalan anu kadua, anu sarua

pentingna jeung eta: Kudu nyaah ka


pada manusa lir ka awak sorangan.
40 Nya ka ieu dua timbalan

gumantungna saeusining Toret


jeung kitab nabi-nabi.”
41 Waktu urang Parisi keur kumpul, ku

Isa ditaros kieu:


42 “Kumaha pamanggih aranjeun

ngeunaan Al Masih, ari Anjeunna putra


saha?” Walonna, “Putra Daud.”
43 Saur Isa, “Lamun bener kitu, na

kumaha Daud ku pituduh Ruh bisa


nyebat ‘Jungjunan’ ka Anjeunna? Nya
eta waktu anjeunna nyebatkeun kieu:
44 ‘Pangeran ngadawuh ka Jungjunan

kaula: Calik-calik di katuhueun Kami,


MATIUS 22.45–23.6 117
nepi ka sakabeh musuh Hidep ku Kami
dijieun titincakan Hidep.’
45 Ari Daud nyebat ‘Jungjunan’ mah ka

Anjeunna, na kumaha bisa jadi putrana?”


46 Taya saurang-urang acan anu bisa

ngajawab ka Anjeunna. Jeung ti semet


poe eta, saurang ge, teu aya nu wani
nyual-nyual deui ka Anjeunna.
1 Isa terus sasauran ka jalma rea,

23 kitu deui ka murid-murid-Na.


2 “Ahli-ahli Kitab jeung urang Parisi

kawaris kalungguhan korsi Musa.


3 Ku sabab eta, sakur piwurukna kudu

digugu dilakonan, tapi ulah nurutan


kalakuanana. Sabab ngawurukna mah
geus ahli, ari ngalampahkeun tara.
4 Ka batur ngabegbregan taktakna ku

nu bareurat, ari dirina mah noel ge teu


daek.
5 Sagala damelna hayang katangar. Pita

do'ana parubak-rubak, rumbe-rumbena


papanjang-panjang.
6 Di nu hajat-hajat, ana calik milih

tempat nu terhormat; kitu deui di


tempat-tempat ibadah, maranehna
sok nyongcolang calik di jajaran
panghareupna.
MATIUS 23.7–14 118
7 Maranehna mah, di pasar-pasar ge
sok malar panghormat jeung palay
disebut Rabi (Ama Guru).
8 Ari maraneh mah, ulah harayang

disebut Rabi; da ngan hiji Rabi teh, Rabi


maraneh, tur maraneh mah tunggal
sadulur.
9 Jeung maraneh teh, ulah nyebut Rama

ka papada jalma mah; da ngan hiji Rama


mah, Rama maraneh nu di sawarga.
10 Maraneh oge ulah nepi ka disebut

pamingpin; sabab ngan aya hiji


pamingpin maraneh mah, nya eta Al
Masih.
11 Anu pangpunjulna di antara maraneh,

kudu purun jadi palayan batur sorangan.


12 Saha-saha anu nganggap diri punjul

ti batur bakal direndahkeun; tapi anu


handap asor mah, baris dijungjung.
13 Cilaka aranjeun, he ahli-ahli Kitab

jeung urang Parisi, he jelema-jelema


munapek! Aranjeun meundeut-
meundeutkeun lawang-lawang Karajaan
Sawarga: Sorangan teu daek asup; ka
batur ngahalang-halang.
14 Cilaka aranjeun, he ahli-ahli Kitab

jeung urang Parisi, jelema-jelema


munapek! Aranjeun neureuyan
MATIUS 23.15–18 119
kahirupan randa-randa dibarung
macikeuh batur ku do'a nu pararanjang.
Ku sabab kitu, kacida beuratna engke
hukuman aranjeun.
15 Cilaka aranjeun, he ahli-ahli Kitab

jeung urang Parisi, he jelema-jelema


munapek! Aranjeun meuntas lautan
ngambah daratan, rek ngicuk jalma
saurang sina asup agama aranjeun. Ari
geus beunang, manehna, ku aranjeun
dijieun ahli naraka. Nya anu jahatna teh,
leuwih ti batan aranjeun.
16 Cilaka aranjeun, he pamingpin-

pamingpin lolong! Cek aranjeun:


Sumpah demi Bait Suci mah, henteu
sah; tapi mun sumpahna demi emas Bait
Suci mah, ngabeungkeut.
17 He aranjeun, jelema-jelema anu

kabalinger jeung lolong. Na penting


mana, emasna atawa Bait Sucina anu
ngalantarankeun emasna tea jadi suci?
18 Cek aranjeun: Sumpah nyebut

demi mezbah mah, henteu sah; kajaba


mun nyebut demi sasajen nu dina
mezbah; kakara, eta sumpahna teh,
ngabeungkeut.
MATIUS 23.19–23 120
19 Eh, nu lalolong! Na penting mana,
sasajenna atawa mezbahna anu
ngalantarankeun sasajen tea jadi suci?
20 Jadi, sing saha anu sumpah bari

jeung nyebut demi mezbah; eta


sumpahna teh, nya demi mezbah nya
demi sasajenna.
21 Jaba ti eta, sing saha anu sumpah

bari jeung nyebut demi Bait Suci; eta


sumpahna teh, nya demi Bait Suci, nya
demi Allah anu linggih di Bait Suci.
22 Kitu oge anu sumpah bari jeung

nyebut demi langit; manehna teh,


geus sumpah demi singgasana Allah
jeung demi Allah anu linggih dina eta
singgasana.
23 Cilaka aranjeun, he ahli-ahli

Kitab jeung urang Parisi, he jelema-


jelema munapek! Jakat perpuluh tina
solasih, hades manis, jeung jinten
ku aranjeun dicumponan; tapi ari
pepentingna pangajaran Toret, nya eta
kaadilan, welas asih, jeung kasatiaan
dilalaworakeun. Anu sarupa memang
wajib dicumponan, tapi anu sarupa deui
ge teu meunang dilalaworakeun.
MATIUS 23.24–29 121
24 Eh, aranjeun pamingpin-pamingpin
lolong, ari reungit tina inumeun dipiceun,
ari onta diteureuy buleud!
25 Cilaka aranjeun, he ahli-ahli Kitab

jeung urang Parisi, he jelema-jelema


munapek! Cangkir jeung mangkok
luarna diberesihan, ari di jerona pinuh ku
beunang rarampas jeung sipat sarakah.
26 Eh, urang Parisi anu lalolong!

Beresihan heula beulah jerona cangkir


teh, beulah luarna mah moal teu milu
beresih!
27 Cilaka aranjeun, he ahli-ahli Kitab

jeung urang Parisi, he jelema-jelema


munapek! Aranjeun teh, lir makam nu
dikapur; ti luar tembong bodas beresih,
ari di jerona pinuh ku tulang-taleng
jeung rupa-rupa rereged.
28 Aranjeun teh ari ulat pinandita;

ari jejeroanana, nya munapek, nya


durjana!”
29 “Cilaka aranjeun, he ahli-ahli Kitab

jeung urang Parisi, he jelema-jelema


munapek! Aranjeun ngalus-ngalus
makam nabi-nabi jeung ngahias tugu
jalma-jalma soleh,
MATIUS 23.30–35 122
30 bariumangkeuh: Mun urang sajaman
tea mah jeung karuhun, pamohalan milu
maehan ka nabi-nabi teh.
31 Padahal, eta ucap kalakuan kitu teh

sasat ngaku sorangan, yen aranjeun


memang turunan jelema-jelema anu
maraehan nabi-nabi tea.
32 Pek geura cucudkeun takeran

karuhun aranjeun teh!


33 Eh aranjeun, jelema-jelema anu lir

oray! He turunan jelema-jelema anu lir


oray! Rek luput kumaha aranjeun tina
siksa naraka?
34 Ku sabab eta, kanyahokeun: Kami

rek ngadatangkeun nabi-nabi, paraalim,


jeung guru-guru agama ka maraneh;
tapi nu sawarehna, ku maraneh teh
bakal dipaehan jeung disalibkeun; nu
sawarehna deui, ku maraneh bakal
disiksa di tempat-tempat sembahyang;
ari sesana, ku maraneh bakal dikaniaya,
boh di nagri itu, boh di nagri ieu;
35 supaya maraneh nanggung wawales

ngucurkeun getih jelema-jelema nu taya


salahna: Mimiti ti Habil nu ibadah tea,
nepi ka Jakaria anak Berehya, anu ku
maraneh dipaehan antara tempat suci
jeung mezbah.
MATIUS 23.36–24.3 123
36 Cek Kaula, ka aranjeun, kabeh-kabeh
wawalesna keunana ka manusa-manusa
jaman kiwari.”
37 “Weu Yerusalem, Yerusalem,

nu geus maehan nabi-nabi jeung


maehan jelema-jelema utusan ku batu!
Sering Kami teh micangcam hayang
ngarangkul anak-anak maneh, kawas
hayam nyirekeman anak-anakna ku
jangjangna; tapi maranehna, narolak.
38 Eta padumukan maneh engke mah

suwung.
39 Jeung Kami ngabejaan, ti semet

kiwari maneh moal nenjo-nenjo deui


Kami nepi ka maneh ngucap: ‘Mugia
wilujeng Anu sumping kalayan jenengan
Pangeran!’”
1 Isa kaluar ti Bait Allah, terus

24 angkat. Geus kitu, murid-murid-


Na tingtarunjuk kana wawangunan Bait
Allah.
2 Isa ngalahir ka maranehna, “Kutan eta

anu katenjo? Kami ngabejaan: Engke


mah, di dinya teh, moal aya batu anu
diantep patumpang kitu sabab bakal aya
anu ngaruntuh-runtuhkeun.”
3 Isa cunduk ka luhur Gunung Jetun,

terus calik. Sanggeus Anjeunna rineh


MATIUS 24.4–11 124
nyalira, pok murid-murid-Na mihatur,
“Dupi anu tadi disaurkeun teh, iraha
piwaktoseunana? Oge hal Jungjunan
bade rawuh, kitu deui ahir jaman, naon
totondenna?”
4 Waler-Na, “Peupeujeuh sing ati-ati,

ulah nepi ka kabobodo!


5 Sabab loba anu bakal ngaku-ngaku

ngaran Kami, ngakukeun: Kami Al Masih!


Loba anu bakal kasasabkeun.
6 Turug-turug harengheng ku

peperangan jeung beja-beja hal perang.


Tapi maraneh mah, teu kudu geumpeur.
Sabab eta kabeh geus pasti, tapi eta
mah, lain panganggeusanana.
7 Bangsa-bangsa silih lawan, nagara-

nagara silih perangan, sarta di mana


mendi aya kalaparan jeung lini.
8 Najan kitu, eta mah kakara awalna

tina kasangsaraan, memeh datang


jaman anyar.
9 Engke, maraneh bakal ditangkep,

dikaniaya, dipaehan, jeung dimusuhan


ku sarerea ku sabab Kami.
10 Loba anu bakal murtad, silih

selehkeun, jeung silih pikangewa.


11 Nabi-nabi palsu maruncul sarta loba

anu kasasabkeun.
MATIUS 24.12–20 125
12 Kadorakaan oge beuki nambahan;
ku sabab eta, loba anu bakal leungit
kanyaahna.
13 Tapi sing saha nu bisa tetep satia

nepi ka jucungna, tangtu pinanggih


karahayuan.
14 Ari Injil, — pernyataan Karajaan tea

— bakal sumebar ka sakuliah dunya,


ngajadi saksi ka sakabeh bangsa; geus
kitu, kakara ahir jaman teh datang.”
15 “Di mana Musibat-hebat geus

ngajega di tempat suci sakumaha cek


ungel dawuhan anu ditepikeun ku Nabi
Daniel tea, — paramaos, perhatoskeun

16 nu marangkuk di Yudea kudu mubus

ka pagunungan.
17 Nu keur aya di hateup panganginan

ulah turun pikeun barang cokot heula ka


jero imah.
18 Nu keur aya di huma ulah balik heula

nyokot papakean.
19 Tapi bo, anu harita keur kakandungan

atawa nyarusuan mah, estu matak watir


anu aya.
20 Kudu ngadu'a ka Pangeran mudah-

mudahan poean kabur teh, ulah eukeur


usum tiris atawa ninggang di poe Sabat.
MATIUS 24.21–27 126
21 Sabab siksaan tina eta musibat
teh, kacida matak ketirna; taya
babandinganana, ti barang dunya
gumelar nepi ka jaman kiwari sarta ka
hareupna moal aya-aya deui.
22 Cacakan lamun waktuna henteu

disingget, kabeh anu kumelip moal aya


nu salamet. Tapi ku sabab ngemutkeun
jalma-jalma anu meunang milih,
waktuna teh disingget.
23 Harita, mun aya nu uar-uar: ‘Ieu Al

Masih di dieu!’ Atawa ‘Itu Al Masih di


ditu!’ Ulah didenge.
24 Sabab bakal muncul al masih-al

masih palsu jeung nabi-nabi palsu,


ngayakeun tanda-tanda anu hebat jeung
sakur nu matak helok; nepi ka mun bisa
mah jelema-jelema beunang milih tea
ge, rek disasabkeun.
25 Tah, eta ku Kami geus diterangkeun

ti ayeuna ka maraneh.
26 Jadi, mun aya nu uar-uar: ‘Tuh, Al

Masih aya di alas kikisik!’ Atawa ‘Eta,


Anjeunna aya di kamar!’ Ulah diandel!
27 Sabab pisumpingeunana Putra

Manusa teh, lir kilat anu ngerelep di


wetan sarta cahayana ngaburinyay nepi
ka tungtung kulon.
MATIUS 24.28–33 127
28 Di mana ayana bangke, nya di dinya
karumpulna manuk gagak.”
29 “Sanggeus jaman siksaan tea, beak;

reup panonpoe surem; bulan ilang


cahayana; bentang-bentang maruragan;
kakuatan alam kabeh genjlong.
30 Breh di langit aya ciciren, cicirenna

Putra Manusa. Bangsa-bangsa di


sakuliah bumi tingdarengek nenjo Putra
Manusa sumping luhureun mega di
langit, nganggo sagala kakawasaan
jeung kamulyaana-Na.
31 Anjeunna bakal ngutus malaikat-

malaikat-Na bari nariup sangkakala anu


sorana hebat kabina-bina; eta malaikat-
malaikat teh bakal ngumpulkeun umat
Anjeunna nu geus beunang milih, ti
tungtung langit ieu nepi ka tungtung
langit itu.”
32 “Lenyepan harti silokana tangkal

kondang: Lamun dahanna geus mimiti


ngandung cai jeung daunna geus mimiti
renung, urang nyaho yen geus tereh
usum panas.
33 Kitu oge: Di mana perkara-perkara

nu bieu dicaritakeun geus kasorang, sing


inget yen waktuna tereh cunduk, geus
nampeu di lawang panto.
MATIUS 24.34–41 128
34 Cek Kami, ka maraneh: Ieu bangsa
nu kiwari, moal waka euweuh memeh
perkara-perkara nu bieu bukti.
35 Langit jeung bumi bakal euweuh,

ari ucapan Kami mah moal keuna ku


euweuh.
36 Tapi ari poena jeung waktuna mah,

saurang ge taya nu nyaho, — malaikat


ge taya nu nyaho, kitu deui Sang Putra
— anging Rama nu uninga.
37 Sabab pirawuheuna-Na, Putra

Manusa, bakal cara keur jaman Nabi


Enoh.
38 Samemeh ger caah, jelema-jelema

jaman harita gawena ngan dahar


nginum, nikah jeung ditikahkeun, nepi
ka poena Nabi Enoh unggah kana kapal.
39 Memeh caah datang mah, taya anu

engeuh naon-naon; nya nepi ka ahirna


kabeh kabasmi ku cai tea. Dina waktuna
Putra Manusa rawuh ge, kaayaanana,
nya kawas kitu.
40 Harita, ti dua jelema nu keur digawe

di huma nu saurang bakal dicandak, nu


saurang ditinggalkeun.
41 Ti dua awewe anu keur nutu, nu

saurang bakal dicandak, nu saurang


ditinggalkeun.
MATIUS 24.42–49 129
42 Kitu, nu matak sing caringcing ati-ati;
sabab maraneh teh, teu nyaho iraha
pisumpingeunana nu jadi Jungjunan.
43 Upama pribumi nyahoeun pukul

sabaraha bangsat rek datang, tangtu


taki-taki, moal diantep imahna dibobol
batur.
44 Ku sabab eta, sing caringcing

taki-taki; sabab pirawuheunana Putra


Manusa teh, sama sakali teu kasangka ti
anggalna.
45 Gandek nu mana anu geten sarta

titen, anu ku dununganana bisa diangkat


sina ngabawah batur-baturna mere
dahareunana dina waktuna?
46 Di mana dununganana datang, bagja

jamuga gandek anu kasampak nohonan


kawajiban.
47 Cek Kami, ka maraneh: Ku

dununganana, tangtu bakal diangkat


jadi pangawas sakabeh harta milikna.
48 Sabalikna, lamun si gandek teh jahat

jeung pamikirna:
49 ‘Dunungan teh teu datang-datang;’

tuluy lain ngan nyiksa ka papada


gandek sejenna wungkul, tapi manehna
oge ngadon dahar nginum jeung
tukang-tukang mabok.
MATIUS 24.50–25.7 130
50 Waktu dununganana datang, dina poe
anu teu disangka-sangka, kalakuanana
jadi katohyan.
51 Eta gandek, ku dununganana,

tangtu bakal dipaehan. Manehna bakal


ditempatkeun di tempatna jelema-
jelema munapek. Di eta tempat teh,
jelema-jelema bakal gegerungan bari
sasambat jeung kumerot huntu.”
1 “Harita, Karajaan Sawarga teh,

25 ibarat sapuluh mojang anu arindit


mapag panganten. Arinditna marawa
lampu.
2 Mojang nu lima barodo, nu lima deui

binangkit.
3 Mojang-mojang nu barodo mawa

lampu, tapi teu mekel minyak.


4 Ari mojang-mojang nu binangkit mah,

lampu mawa, minyakna mekel dina


botol.
5 Ku sabab panganten teu datang bae,

mojang-mojang teh kaheesan.


6 Ari geus tengah peuting, kadenge

aya nu celak-celuk, ‘Panganten datang,


papag!’
7 Mojang-mojang hararudang, pahibut

ngurus lampu.
MATIUS 25.8–15 131
8 Cek nu barodo ka nu binangkit, ‘Menta
minyakna saeutik, tingali lampu kuring
rek pareum.’
9 Diwalon, ‘Ulah, bisi kuring teu mahi

anjeun teu mahi. Mending anjeun meuli


ka warung.’
10 Sabot nu barodo arindit meuli

minyak, pangantenna datang manten,


tuluy diiring ku mojang-mojang nu geus
tarapti. Geus nepi ka tempat pesta, tuluy
pantona ditulakan.
11 Mojang-mojang nu limaan deui

daratang, pok pupuntenan, ‘Agan,


punten!’
12 Ditembal ku ki Panganten, ‘Maap, teu

wawuh!’
13 Kitu, nu matak kudu tetep tarapti

sapapanjangna. Sabab maraneh, teu


nyaho kana poe jeung waktuna.”
14 “Karajaan Sawarga ge, ibarat hiji

jelema anu arek nyaba ka luar nagri.


Eta jelema nyalukan tilu bujangna arek
dipihapean duit.
15 Dititipanana teh, — kumaha

kasanggupan bujang-bujangna — aya


nu lima talenta, nu dua talenta, jeung
anu satalenta. Geus kitu, eta jelema teh
indit nyaba.
MATIUS 25.16–23 132
16 Anu dipihapean lima talenta, duitna
digolangkeun, meunang untung lima
talenta.
17 Nu dipihapean dua talenta oge

meunang untung dua talenta.


18 Ari nu dipihapean satalenta, anggur

nyieun lombang, duitna diruang.


19 Lawas ti lawas dununganana datang,

tuluy balitungan.
20 Datang nu nyekel lima talenta, — bari

mawa untungna lima talenta — terus


nyarita, ‘Artos anu lima talenta teh aya
hibar kenging untung lima talenta.’
21 Cek dununganana, ‘Sukur, alus.

Maneh jelema bener jeung satia, tigin


kana tanggung jawab leuleutikan. Engke
maneh bakal dibere tanggung jawab anu
leuwih ti kitu. Ayeuna mah urang bareng
sabagja jeung kami.’
22 Datang deui nu nyekel dua talenta,

terus nyarita, ‘Artos anu dua talenta teh,


aya hibar kenging untung dua talenta.’
23 Cek dununganana, ‘Sukur, alus.

Maneh jelema bener jeung satia, tigin


kana tanggung jawab leuleutikan. Engke
maneh bakal dibere tanggung jawab anu
leuwih ti kitu. Ayeuna mah urang bareng
sabagja jeung kami.’
MATIUS 25.24–30 133
24 Tuluy datang anu nyekel satalenta
tea, terus nyarita, ‘Abdi terang, yen
juragan teh jalmi lalim, sok mibuatan
tanduran batur sareng metik hasil pelak
batur.
25 Ku margi eta, artos kagungan juragan

teh ku abdi diruang dina taneuh. Mangga


ieu kasanggakeun deui.’
26 Jawab dununganana, ‘Eh, bujang

jahat goreng pucus pangedulan! Kutan


nyaho yen kami sok mibuatan tanduran
batur jeung metik hasil pelak batur?
27 Ari nyaho kitu mah, atuh duit

kami teh, dititipkeun ka tukang


ngagolangkeun duit, supaya ari kami
balik bisa dipulangkeun jeung batina.
28 Ayeuna, cokot duit kami ti ieu jelema,

urang pasrahkeun ka anu duitna geus


jadi sapuluh talenta.
29 Sabab nu geus boga mah kabogana

bakal tambah, nepi ka lubak-libuk. Ari


nu teu boga mah, kabogana anu geus
aya ge bakal dicokot kabeh.
30 Suntrungkeun ieu bujang tanpa guna

teh ka tempat nu pangpoekna. Nya


di dinya, enggonna midangdam jeung
kumerot huntu.’”
MATIUS 25.31–37 134
31 “Dimana Putra Manusa sumping
kalawan agung-Na diiring ku sakabeh
malaikat, bakal linggih dina tahta
kamulyaana-Na.
32 Sakabeh bangsa bakal dikumpulkeun

payuneuna-Na; tuluy dibagi dua, cara


ki pangangon misahkeun domba jeung
embe.
33 Domba aya di tengeneuna-Na, embe

di kiwaeuna-Na.
34 Sang Raja lajeng ngandika ka nu aya

di tengeneuna-Na, ‘Salam ka aranjeun,


anu ginuluran rahmat ti Kangjeng Rama!
Tarima ganjaranana, karajaan keur
aranjeun anu disadiakeunana ti barang
dunya gumelar.
35 Sabab waktu Kami lapar, ku aranjeun

dibere dahar; keur Kami halabhab, ku


aranjeun dibere nginum; keur Kami jadi
semah, ku aranjeun dianjrekkeun;
36 keur Kami sataranjang, ku aranjeun

dibere pakean; keur Kami gering, ku


aranjeun dilayad; keur Kami dipanjara,
ku aranjeun dilongokan.’
37 Umat nu balener ngawangsul, ‘Nun

Jungjunan, iraha Jungjunan lapar, ku


abdi-abdi dihaturanan tuang; nalika
MATIUS 25.38–43 135
Jungjunan hanaang, ku abdi-abdi
dihaturanan ngaleueut?
38 Nalika Jungjunan jadi semah, iraha

ku abdi-abdi dihaturanan pangkuleman


atanapi Jungjunan nuju sataranjang ku
abdi-abdi dihaturanan anggoan?
39 Nalika Jungjunan teu damang, iraha

ku abdi-abdi dilayad atanapi nalika


Jungjunan dipanjara ku abdi-abdi
dilongokan?’
40 Sang Raja ngawaler, ‘Cek Kami, kieu

saenyana: Sagala pitulung aranjeun


anu dibikeun ka ieu dulur Kami anu
panghinana, eta teh nulungna ka Kami
pisan.’
41 Ari ka nu di kiwaeuna-Na, kieu

pangandika-Na, ‘Nyingkah maraneh, he


umat jahat; tuh ka ditu, ka jero seuneu
anu langgeng, seuneu pikeun Iblis jeung
malaikat-malaikatna.
42 Sabab waktu Kami lapar, maraneh

teu mere dahar; waktu Kami halabhab,


maraneh teu mere cai;
43 waktu Kami jadi semah, maraneh

henteu nganjrekkeun; waktu Kami


sataranjang, maraneh teu mere pakean;
waktu Kami gering atawa waktu Kami
dipanjara, ku maraneh teu dilayad!’
MATIUS 25.44–26.5 136
44 Umat nu daroraka ngajawab, ‘Iraha
abdi-abdi ningal Jungjunan palay,
atanapi halabhab, atanapi nuju jadi
semah, atanapi nuju sataranjang,
atanapi nuju dipanjara ku abdi-abdi teu
dipirosea?’
45 Sang Raja ngawaler, ‘Cek Kami, ka

maraneh: Ku sabab maraneh tara nulung


ka ieu dulur Kami nu panghinana, eta
saenyana, ka Kami pisan teu nulung
teh.’”
46 “Jelema-jelema anu karitu” dawuhan

Isa, “bakal dijongklokkeun ka tempat


siksaan anu langgeng. Ari anu balener
baris ginanjar hirup nu langgeng.”
1 Tas sasauran kitu, Isa ngadawuh

26 ka murid-murid,
2 “Dua poe deui aya perayaan Paska.

Tah waktu eta, Putra Manusa bakal


diselehkeun teh, terus disalibkeun.”
3 Harita, imam-imam kapala jeung

kokolot bangsa Yahudi mah keur


karumpul di istana Imam Agung anu
jenengan Kayapas;
4 nya keur ngatur rencana rek nangkep

ka Anjeunna baris terus ditelasan.


5 Tapi salaurna, “Ulah keur perayaan,

bisi matak jadi huru-hara ka rayat.”


MATIUS 26.6–13 137
6 Waktu Isa linggih di imah ki Simon
lepra, di Betania;
7 aya hiji wanita anu ngadeuheusan

ka Anjeunna bari mawa sabotol minyak


seungit anu mahal. Sabot Isa keur
tuang, eta minyak dikucurkeun kana
rambut-Na.
8 Murid-murid arambek dina hatena,

pokna, “Wet dihahambur kitu!


9 Mun jual, payu mahal; tuluy duitna

sidekahkeun ka nu mariskin.”
10 Isa uninga kana pikiran maranehna,

tuluy ngalahir, “Keun bae, maraneh


teu kudu openan. Ieu wanita keur
nembongkeun katresnaanana ka Kami.
11 Nu mariskin mah, sapapanjangna aya

di maraneh. Ari Kami mah, babarengan


teh moal lila.
12 Ayeuna Kami ku ieu wanita

diminyakan. Lampahna kieu teh,


minangka sasadiaan keur mapag poean
Kami dimakamkeun.
13 Cek Kami ka maraneh: Di mana bae

Injil diwawarkeun, di sakuliah dunya,


anu ayeuna dilampahkeun ku ieu wanita
baris disesebut, nya pikeun dipikaeling
tea.”
MATIUS 26.14–21 138
14 Geus kitu, salah saurang murid ti nu
dua belas, — anu ngaran Yudas Iskariot
— indit ka imam-imam kapala, mihatur
kieu:
15 “Abdi sanggup nyerenkeun eta

Jelema. Naon engke buruhna?” Ku


imam-imam kapala dibere duit, uang
perakan tilu puluh.
16 Ti dinya, manehna terus ngintip-

ngintip waktu nu mustari, rek ngahianat


ka Guruna.
17 Dina poe kahiji tina Hari raya Roti

Tanpa Ragi, murid-murid unjukan ka


Isa, “Di mana bade nyayagikeun kangge
riungan tuang Paska teh?”
18 Ku Isa dibere hiji alamat di kota.

Saur-Na deui, “Bejakeun kieu: Kami teh


geus tereh cunduk kana dawuh. Kami
hayang ngarayakeun pesta Paska heula
di imah anjeun jeung murid-murid.”
19 Sakumaha pamundut-Na ku murid-

murid dilampahkeun, kaperluan tuang


Paska disadiakeun.
20 Sanggeus magrib Isa tuang ngariung

jeung murid-murid.
21 Sabot tuang, Anjeunna nyarios, “Di

dieu aya anu rek ngahianat ka Kami,


saurang.”
MATIUS 26.22–29 139
22 Murid-murid tinghareluk, tuluy
piligenti unjukan ka Anjeunna, “Abdi
atanapi sanes?”
23 Isa ngawaler, “Jelemana, nya eta anu

engke bareng jeung Kami nganclomkeun


roti kana ieu pinggan.
24 Putra Manusa memang kudu

tiwas, sakumaha cek Kitab Suci.


Tapi cilaka kabina-bina, jelema anu
ngalantarankeunana. Eta jelema, leuwih
untung lamun teu kungsi dijurukeun.”
25 Yudas, anu rek ngahianat mihatur,

“Rabi, abdi atanapi sanes?” Waler Isa,


“Sakumaha cek maneh.”
26 Sabot tuang, Isa nyandak roti

sarta ngucapkeun berkah. Terus rotina


disemplekan, tuluy disodorkeun ka
murid-murid bari saur-Na, “Tampanan,
dahar. Ieu teh daging Kami.”
27 Geus kitu, nyandak lumur sarta muji

sukur; tuluy eta lumur disodorkeun ka


murid-murid bari saur-Na,
28 “Heg inum ku sarerea. Ieu teh getih

Kami; getih perjangjian anu dikucurkeun


guna mangpa'at jalma rea pikeun
panghampura dosa.
29 Tapi ti semet ieu Kami moal nginum-

nginum deui anggur anu kieu, nepi ka


MATIUS 26.30–36 140
waktuna nginum anggur anu anyar di
Karajaan Ama Kami, babarengan jeung
maraneh.”
30 Sanggeus pupujian, Isa angkat

ngajugjug ka Gunung Jetun diiring ku


murid-murid.
31 Di tengah jalan Anjeunna sasauran,

“Peuting ieu iman maraneh bakal


goncang lantaran Kami. Sabab cek Kitab
Suci: Pangangonna ku Kami rek digebug,
domba-domba-Na sina paburencay.
32 Tapi di mana Kami hirup deui, Kami

rek iang ti heula ka Galilea.”


33 Petrus nempas, “Sanaos nu sanes-

sanes goncang imanna, abdi mah


moal!”
34 Saur Isa, “Petrus, peuting ieu memeh

hayam kongkorongok, maneh geus tilu


kali ngangles Kami.”
35 Walon Petrus, “Moal, Jungjunan!

Sanaos dugi ka pati maot bareng sareng


Jungjunan, abdi mah moal dugi ka
ngangles!” Murid-murid sejenna oge,
kitu ngaromongna teh.
36 Isa jeung murid-murid sumping

ka hiji taman anu ngaranna Taman


Getsemane. Anjeunna sasauran ka
MATIUS 26.37–42 141
murid-murid, “Daragoan di dieu, sabot
Kami sembahyang di ditu.”
37 Aya anu dicandak tiluan, nya eta

Petrus jeung anak Sebedeus, duanana.


Manah-Na mimiti ngangres jeung palaur.
38 Kedal saur ka nu tiluan, “Kami teh ku

nalangsa, asa rek paeh bae. Daragoan di


dieu, Kami baturan nyaring.”
39 Anjeunna majeng deui saeutik, terus

nyuuh ngadu'a, “Nun Ama, manawi


kenging mah, ieu lumur kasangsaraan
teh candak ti Abdi. Nanging ulah
numutkeun kahayang Abdi, kedah
numutkeun pangersa Ama.”
40 Geus kitu, Anjeunna ningali heula

murid-murid, ana kasampak geus


sarare. Anjeunna ngagentraan ka Petrus,
“Na teu sanggup maneh nyaring maturan
Kami sajam bae?
41 Maraneh kudu tetep nyaring tur kudu

dibarung sembahyang, supaya henteu


keuna ku dodoja. Karep mah kuat, tapi
badan hengker.”
42 Tuluy angkat deui, mindo ngadu'a,

“Ama! Manawi parantos teu kenging


sumingkir mah tina ieu lumur
kasangsaraan, Abdi estu suka lilah
ngiringan kana pangersa.”
MATIUS 26.43–49 142
43 Waktu murid-murid ditingali deui,
kasampak sarare keneh, awahing ku
tarunduheun.
44 Terus ku Anjeunna, eta nu tiluan teh,

dikantun deui bae; geus kitu, Anjeunna


ngadu'a deui pikeun katilu kalina;
sasambat-Na, saperti nu tadi keneh bae.
45 Geus kitu, nyampeur deui murid-

murid bari ngagentraan, saur-Na, “Pek


sing jarongjon reureuh sarare. Tuh,
waktuna geus cunduk, Putra Manusa
diselehkeun kana genggeman nu
daroraka.
46 Harudang, urang arindit. Tuh, anu

ngahianat ka Kami teh geus deukeut!”


47 Sabot sasauran keneh, ki Yudas, —

salah saurang murid ti anu dua belas


tea — geus jebul; manehna mawa
balad loba pisan; eta jelema-jelema
teh, titahan imam-imam kapala jeung
parakokolot tea, pada marawa pedang
jeung pepentung.
48 Yudas enggeus mere sandi kieu,

“Mana-mana anu ku kula dirangkul,


terus tangkep bae.”
49 Manehna nyampeurkeun ka Isa bari

ngomong tarik, “Haturan, Rabi?” Pokna


bari ngarangkul.
MATIUS 26.50–56 143
50 Saur Isa ka manehna, “Kisanak, ka
dieu teh rek naon tea?”
51 Ti nu ngiring ka Anjeunna, nu saurang

mesat pedang, tuluy diheumbatkeun;


eta heumbatan pedang teh, keuna kana
ceuli bujangna Imam Agung, nepi ka
rampung.
52 Tapi Isa ngalahir, “Asupkeun eta

pedang teh kana sarangkana. Sabab


anu maen pedang, paehna, tangtu ku
pedang deui.
53 Dikira Kami teu bisa nyambat ka

Ama, menta malaikat dua belas legiun


ngabantu Kami?
54 Kitu carana mah atuh ayat Kitab

anu unina, ‘Ieu kudu kajadian’ teh moal


tinekanan.”
55 Geus kitu, Isa ngalahir ka nu loba,

saur-Na, “Naha Kami teh rampog, nepi


ka marawa pedang jeung pepentung?
Kapan unggal poe Kami sok aya di
Bait Allah ngawuruk, naha ku maraneh
diantep?
56 Tapi memang kudu kieu, cocog jeung

Kitab Suci.” Ti dinya mah, murid-murid


teh kalalabur, naringgalkeun Anjeunna.
MATIUS 26.57–64 144
57 Sanggeus ditangkep, Isa dihadepkeun
ka Kayapas, Imam Agung. Di dinya, geus
kumpul ahli-ahli Kitab jeung parakokolot.
58 Ari Petrus nuturkeun ti kajauhan,

nepi ka buruan Imam Agung; tuluy milu


diuk jeung pangawal, hayangeun nyaho
kumaha tungtungna.
59 Imam-imam kapala, kitu deui

anggota-anggota Mahkamah, satekah


polah neangan bukti palsu, supaya Isa
bisa dihukum paeh.
60 Tapi teu hasil, sanajan saksi palsu teh

loba. Ahirna, aya duaan nu ka hareup,


61 ngong ngomong, “Ieu Jelema kungsi

sosoak kieu: ‘Ieu Bait Allah ku Kami rek


diruag, terus diadegkeun deui di jero tilu
poe!’”
62 Neut Imam Agung ngadeg, mariksa

ka Isa, “Kumaha, moal dibantah eta


dakwaan teh?”
63 Isa mindel teu ngawaler. Imam

Agung ngalahir deui, “Demi Allah nu


jumeneng, aku sing bener: ‘Enya Maneh
teh Al Masih, Putra Allah?’”
64 Waler Isa, “Leres sakumaha

pamariksa. Sareng Kaula seja


nganyatakeun ka ieu rengrengan: ‘Ti
semet ieu, ku aranjeun baris katingali
MATIUS 26.65–71 145
Putra Manusa linggih di tengeneun Nu
maha Kawasa, sumping dina mega di
langit.’”
65 Berewek Imam Agung nyoehkeun

anggoanana, tuluy ngalahir, “Ieu Jelema


ngahujat Allah. Pikeun naon urang
ngayakeun deui saksi-saksi? Ku urang
geus kareungeu kumaha ngahujat-Na.
66 Kumaha putusan aranjeun?”

Jawabna, “Kudu dihukum pati!”


67 Ti dinya, jelema-jelema teh

nyariduhan kana pameunteu-Na bari


naronjok; nu sawareh deui ngagebug ka
Anjeunna bari ngomong,
68 “Sebutkeun ka kami, eh Al Masih,

saha ieu anu neunggeul ka Maneh?”


69 Ari Petrus diuk di buruan. Tuluy

disampeurkeun ku hiji badega awewe.


Eta badega awewe ngomong ka
manehna, “Maneh sok babarengan jeung
Isa urang Galilea!”
70 Tapi Petrus mungkir, “Kumaha

ngomong teh teu kaharti!”


71 Waktu manehna ngaleos ka lawang

kori, katenjoeun ku badega awewe


sejenna, pok dibejakeun ka anu araya di
dinya, “Eta jalma sok babarengan jeung
Isa urang Nasaret tea.”
MATIUS 26.72–27.3 146
72 Petrus mungkir bari susumpahan,
“Teu wawuh kuring mah ka Eta teh!”
73 Geus kitu, sakur nu araya di dinya

nyalampeurkeun ka Petrus, ngaromong


kieu, “Moal salah deui maneh teh
batur-Na, kaciri tina lentong maneh.”
74 Petrus ngutruk bari susumpahan,

“Teu wawuh, teu wawuh ka eta Jelema


teh!” Harita keneh, kadenge hayam
kongkorongok.
75 Ras, Petrus ingeteun kana dawuhan

Isa anu kieu tea, “Memeh hayam


kongkorongok, maneh geus tilu kali
ngangles ka Kami.” Leos bae, manehna
indit ka luar bari ceurik, nalangsa
kabina-bina.
1 Sanggeus bray beurang,

27 imam-imam kapala jeung


kokolot-kokolot bangsa Yahudi
karumpul; sejana, nya mutuskeun
pikeun nelasan Isa tea.
2 Isa dibarogod, tuluy dibawa ka

gupernur Pilatus.
3 Barang Yudas nyahoeun yen Isa

diragragan hukum pati, pohara


kaduhungeunana. Duit perak anu tilu
puluh tea teh, dipulangkeun deui ka
imam-imam kapala jeung parakokolot.
MATIUS 27.4–11 147
4 Terus wakca, “Abdi rumasa doraka,
ngahianat getih Jelema nu tanpa dosa.”
Ku aranjeunna diwalon, “Mangsa bodo,
kami teu nyaho-nyaho. Eta mah urusan
maneh!”
5 Tuluy eta duit teh, ku Yudas

diawurkeun ka jero Bait Suci; geus kitu,


manehna, ngagantung maneh.
6 Duit dirawatan ku imam-imam

kapala, saurna, “Ieu duit teu meunang


dicampurkeun kana peti persembahan
sabab ladang getih.”
7 Sanggeus barempug, duit teh

dibeulikeun kana tanah nu disebut


‘Lahan Panjunan,’ pikeun tanah
pamakaman urang asing.
8 Nepi ka kiwari, eta tanah jadi nelah

‘Lahan Getih.’
9 Ku kituna, ngabukti eta nubuwatan

Nabi Yermia anu kieu: ‘Duit perakan tilu


puluh, — nya eta pihargaeunana hiji
jelema nurutkeun taksiran urang Israil
— ditarima,
10 tuluy dipasrahkeun pikeun meuli

tanah Lahan Panjunan. Kitu pangandika


Pangeran ka kaula.’
11 Isa geus dijagragkeun payuneun

gupernur. Gupernur mariksa ka


MATIUS 27.12–19 148
Anjeunna, “Anjeun teh raja urang
Yahudi?” Waler Isa, “Leres sakumaha
pilahir.”
12 Dakwaan imam-imam kapala jeung

kokolot-kokolot mah, ku Anjeunna teu


diwaler pisan.
13 Saur Pilatus ka Anjeunna, “Teu

kareungeu eta dakwaan-dakwaan sakitu


lobana?”
14 Isa tetep teu kersa ngawaler, nepi ka

matak heran ka gupernur.


15 Saban-saban hari raya Paska,

gupernur teh geus baku sok


ngaleupaskeun saurang sakitan,
nu mana bae sakahayang rayat.
16 Harita, di jero panjara, aya sakitan

anu kawentar jahatna; eta jelema teh,


ngaranna Barabas.
17 Sakalian rayat harita kumpul, Pilatus

sasauran, “Mana anu dipikahayang, anu


ku kami kudu dibebaskeun: Barabas
atawa Isa, anu disebut Al Masih?”
18 Anjeunna uninga, pangna maranehna

nyerenkeun Isa teh bawaning ku


dengki-dengkina.
19 Sabot Pilatus calik dina korsi

pangadilan, nampi amanat ti


geureuhana: “Ulah ngiring campur
MATIUS 27.20–26 149
kana perkawisna eta Jalmi bener;
margi lantaran Manehna, abdi kalintang
kasiksana ku impian tadi wengi.”
20 Tapi rayat teh, geus kaangsonan ku

imam-imam kapala jeung ku kokolot-


kokolotna. Maranehna menta, supaya
Barabas bebas, ari Isa kudu dihukum
paeh.
21 Gupernur ngawaler, “Saha? Saha

ti antara anu dua nu ku kami kudu


dibebaskeun?” Jawabna, “Barabas!”
22 Saur Pilatus, “Ari Isa anu disebut Al

Masih kumaha?” Urang Yahudi nyorowok,


“Gantung!”
23 Saur Pilatus deui, “Naha naon

dosana?” Urang Yahudi tinggorowok


beuki bedas, “Gantung, gantung!”
24 Sanggeus ngaraos yen daya upayana

teu mental, Pilatus wawasuh panangan


hareupeun sarerea; ti dinya, anjeunna
ngalahir, “Kami henteu tanggung jawab
kana getih ieu Jelema, pek tanggung ku
maraneh sorangan!”
25 Urang Yahudi bareng ngajawab,

“Keun getih-Na sina malindes ka kuring


saanak incu!”
26 Tuluy Pilatus ngaleupaskeun Barabas,

ari Isa dirangket heula; saterusna,


MATIUS 27.27–32 150
Anjeunna teh diserenkeun ka maranehna
sina digantung.
27 Geus kitu, Isa dibawa ku serdadu-

serdadu gupernur ka gedong pangadilan.


Serdadu-serdadu sejenna ge disina
kumpul ka dinya.
28 Tuluy anggoan Isa dicuculan, diganti

ku jubah warna wungu.


29 Maranehna nyieun mamakutaan anu

dianyam tina cucuk; tuluy diterapkeun


kana mastaka-Na, ari panangana-Na
sina nyepeng awi sateukteuk. Geus kitu,
serdadu-serdadu teh sujud payuneuna-
Na bari moyok kieu, “Wilujeng, raja
urang Yahudi!”
30 Geus kitu, maranehna nyariduhan ka

Anjeunna. Jaba ti eta, awina direbut tina


panangana-Na, terus diteunggeulkeun
kana mastaka-Na.
31 Sanggeus dikaniaya jubah-Na

dicuculan, dianggoan ku anggoana-


Na deui, terus dibawa ka tempat
panggantungan.
32 Di tengah jalan, anu jolna ka luar

kota, aleutanana amprok jeung hiji


jelema urang Kirena nu ngaranna Simon;
tuluy Ki Simon teh, ku paraserdadu tea,
dipaksa sina manggul salib Isa.
MATIUS 27.33–42 151
33 Sanggeus nepi ka tempat anu disebut
Gulguta (hartina: Tempat Tangkorek),
34 Isa dileueutan anggur anu

dicampuran hamperu. Tapi sanggeus


ngicip-ngicip, Anjeunna teu kersaeun
ngaleueut.
35 Sanggeus digantung, anggoana-Na

dilotrekeun,
36 maranehna terus dariuk ngajaga.
37 Luhureun mastaka-Na aya merek anu

netelakeun sababna nu matak Anjeunna


dihukum, unina, “IEU RAJA URANG
YAHUDI.”
38 Aya deui anu digantung harita,

rampog duaan, digantungna di kenca


jeung katuhueuna-Na.
39 Sakur nu laliwat ka dinya pada

gigideug bari maroyok.


40 Pokna, “Hey, Anu rek ngaruag Bait

Suci jeung anu sanggup ngadegkeunana


deui di jero tilu poe! Lamun enya maneh
Putra Allah, salametkeun diri teh, nya
turun ti dinya!”
41 Imam-imam kapala, ahli-ahli Kitab

jeung kokolot-kokolot oge maroyokan,


pokna:
42 “Ka batur bisa nyalametkeun, ari

ka diri-Na sorangan teu bisa nanaon.


MATIUS 27.43–51 152
Eta, Raja Israil teh? Cik turun tina
panggantungan, meureun urang
percaya.
43 Carekna, Manehna teh nyalindung

ka Allah. Keun sina ditulungan ku Allah,


ari enya mah kameumeut Allah! Da
ngaku-Na mah Putra Allah.”
44 Malah rampog anu papada digantung

tea, oge pipilueun moyok.


45 Barang geus pukul dua belas, tengah

poe; reup bae, di dinya, jadi poek


sakurilingna nepi ka pukul tilu.
46 Kira-kira dina pukul tilu, Isa ngagero,

“Eli, Eli, Lama Sabahtani?” (Ya Allah


Pangeran Abdi, ku naon margina Abdi
dikantun?)
47 Terus aya nu ngaromong kieu,

“Manehna keur sasambat ka Elias!”


48 Aya anu geuwat nganclomkeun sepon

kana anggur haseum, ditiirkeun kana


gantar; maksudna, Isa sina ngaleueut.
49 Tapi aya nu nyarek, “Engke heula!

Urang nenjo heula Nabi Elias nulungan


Manehna!”
50 Isa ngagero deui tarik pisan, tuluy

Anjeunna masrahkeun nyawa-Na.


51 Harita, bareng jeung pupus-Na,

reregan Bait Suci bedah dua, parat ti


MATIUS 27.52–58 153
luhur ka handap sarta bumi ngariyeg ku
lini; gunung-gunung cadas bareulah,
52 makam-makam mararuka sarta

jasad-jasad jelema saruci anu keur


sumare di dinya, harudang deui.
53 Waktu Isa gugah tina pupus-Na, ieu

jasad-jasad kalaluar ti makamna; tuluy


arasup ka kota suci, narembongan ka
jalma rea.
54 Barang riyeg aya lini jeung

kajadian-kajadian sejenna, komandan


jeung perjurit-perjuritna, kacida
sarieuneunana. Tuluy ngucapkeun kieu,
“Bener ieu Jelema teh Putra Allah!”
55 Di dinya oge, aya wanita-wanita, —

teu wudu rea — anu ngarawaskeun ti


kajauhan bae; wanita-wanita eta teh,
nya anu milu kana rombongan Isa keur
ti Galilea keneh.
56 Di antarana aya Maryam Magdalena,

Maryam indung Yakobus jeung Yusup,


sarta indungna anak-anak Sebedeus.
57 Memeh reup peuting, aya hiji jelema

jegud urang Arimatea, nya eta Yusup.


Manehna oge geus jadi murid Isa,
58 ngadeuheus ka Pilatus pikeun

nyuhunkeun layon Isa. Pilatus nimbalan,


supaya eta layon Isa teh dipasihkeun.
MATIUS 27.59–64 154
59 Tuluy eta Layon Isa teh, ku Yusup
dipulasara: Nya dibungkus ku lawon
bodas beresih;
60 terus dimakamkeun dina makam anu

anyar keneh, anu dibobok dina gunung


cadas. Sanggeus lawangna ditutup ku
batu gede, tuluy dikantunkeun.
61 Tapi Maryam Magdalena jeung

Maryam nu saurang deui mah, caricing


keneh di dinya bari melong ka eta
makam.
62 Isukna, sabada ‘poe panyadiaan’,

imam-imam kapala jeung urang Parisi


bareng daratang ka Pilatus.
63 Salaurna ka Pilatus, “Juragan, eta

tukang nyasabkeun teh waktos hirup


keneh uar-uar kieu: Sanggeus tilu poe,
Kami bakal hudang deui.c
64 Ku margi kitu, mugi diparentahkeun

supados makam-Na dijaga dugi ka


dinten anu katilu. Margi tiasa jadi,
engke, dipaling ku murid-murid-Na bari
diuar-uar yen parantos hudang deui ti
nu maraot. Pangwadulan anu ieu mah,
balukarna tangtos langkung awon ti nu
ti heula.”

cLuk 9:22, 18:31-33


MATIUS 27.65–28.7 155
65 Saur Pilatus, “Mangga pasihan bae
kawal, jaga sakumaha mistina.”
66 Geus kitu, pajaratan Isa, ku

aranjeunna sina dijaga sarta disegel.


1 Sanggeus liwat poe Sabat,

28 dina poe Mingguna, rebun-rebun


keneh Maryam Magdalena jeung Maryam
geus arindit ngalongok pajaratan.
2 Dumadakan aya lini gede sabab aya

malaikat Pangeran lungsur ti langit


ka lebah pajaratan; tuluy batu tutup
pajaratan teh digulingkeun, terus gek
dicalikan ku eta malaikat.
3 Eta malaikat, rarayna, lir cahaya kilat;

anggoanana putih beresih kabina-bina.


4 Anu keur ngajaraga pajaratan pohara

kasingsieuneunana nepi tingrumpuyuk


kawas nu paraeh.
5 Malaikat teh ngalahir ka wanita-

wanita tea, saurna, “Ulah sieun. Kami


nyaho, maraneh rek ngalongok Isa anu
disalibkeun tea.
6 Anjeunna teu aya di dieu; sabab

Anjeunna teh geus gugah, sakumaha


dawuhana-Na. Pek ilikan, tah urut-Na
ebog.
7 Ayeuna buru-buru ka ditu, bejakeun

ka murid-murid-Na, yen Anjeunna geus


MATIUS 28.8–12 156
gugah ti anu geus maraot. Anjeunna
geus angkat ti heula ka Galilea, tangtu
Anjeunna kapanggih ku maraneh di ditu.
Kami ngomong anu saenyana.”
8 Terus eta wanita-wanita teh arindit

ninggalkeun pajaratan, sieun pacampur


jeung bungah nu taya hinggana;
aranjeunna teh lalumpatan pikeun
ngabejaan murid-murid Isa.
9 Dumadakan Isa amprok

jeung maranehna, saur-Na,


“Assalamualaikum.” Terus bae
maranehna teh ngagabrug kana
sampeana-Na, tuluy marunjungan.
10 Saur Isa, “Ulah sieun. Bejakeun

ka ditu, ka dulur-dulur Kami, yen


maranehna kudu arindit ka Galilea.
Engke, di ditu, maraneh tangtu
papanggih jeung Kami.”
11 Sabot maranehna di tengah jalan

keneh, sawatara urang anu ngajaraga


pajaratan arindit ka kota, ngalaporkeun
kajadian tadi ka imam-imam kapala.
12 Aranjeunna badami jeung

parakokolot, terus mutuskeun


mere panyocok ku duit sacukupna ka
serdadu-serdadu jaga tea,
MATIUS 28.13–19 157
13 bari salaurna, “Uar-uar ku maraneh,
yen Manehna dipaling ku murid-
murid-Na ti peuting waktu maraneh
harees.
14 Lamun hal ieu kadangueun ku

gupernur, keun kami anu ngomongna,


supaya maraneh teu manggih kasusahan
naon-naon.”
15 Duit ditarima ku serdadu-serdadu

sarta maranehna terus uar-uar


sakumaha papatah tadi. Eta carita terus
nerekab ka sabangsa Yahudi, manjang
nepi ka kiwari.
16 Geus kitu, murid-murid anu sabelas

arindit ka Galilea, ka hiji gunung anu


geus dituduhkeun ku Isa.
17 Sanggeus tepung jeung Anjeunna,

terus maranehna munjungan. Tapi nu


sawarehna mah, hamham keneh.
18 Isa terus nyaketan ka maranehna bari

ngalahir, “Sakabeh kawasa di sawarga


jeung di bumi geus dipasrahkeun ka
Kami.
19 Ku sabab eta, maraneh kudu iang,

kabeh bangsa kudu dijadikeun murid


Kami sarta kudu dibaptis kalawan
jenengan Rama, Putra, jeung Ruh Allah.
MATIUS 28.20 158
20 Jabati eta, maranehna teh kudu
diwurukan sina ngalampahkeun
sagala rupa hal anu ku Kami
geus diparentahkeun ka maraneh.
Maraneh sing yakin, yen Kami teh
terus ngareujeungan ka maraneh
sapapanjangna, tepi ka ahir jaman.”
Markus
1 Ieu uaran Injil, nya eta bewara hal
1 Isa Al Masih, Putra Allah.
2 Uaranana geus ti jaman Nabi Yesaya

keneh, diserat dina kitabna, kieu:


“Dawuhan Pangeran: Ieu utusan
Kami. Ku Kami diutus ti heula, pikeun
nyadiakeun jalan keur Hidep.
3 Aya nu cumeluk di tegal kikisik:

‘Sadiakeun jalan kanggo Pangeran; nya


jalan anu lempeng!’”
4 Jol Nabi Yahya ka tegal kikisik,

ngumumkeun baptisan sarta biantara,


“Geura tarobat tina dosa, tuluy dibaptis,
malar dihampura nya dosa ku Pangeran!”
5 Merul anu dararatang ngupingkeun

biantarana; sanggeusna, disusul ku


ngawakcakeun dosa. Eta jelema-jelema
teh, asal ti sabudeureun Yudea jeung
sakur nu di Yerusalem. Tuluy ku nabi
dibaptis, di walungan Ciyordan.
6 Nabi Yahya teh anggoanana tina bulu

onta; disabuk ku sabuk kulit.


7 Ari tuangna simeut jeung madu

leuweung. Anjeunna ngumumkeun


MARKUS 1.8–14 2
bewara kieu, “Sanggeus kami, engke,
aya deui nu bakal sumping; Anjeunna
mah leuwih agung tur kawasa. Ngudar
tali tarumpah-Na ge, kami teu wani.
8 Kami ngabaptis maraneh teh, ku cai;

ari Anjeunna mah, ku Ruh Allah.”


9 Heuleut teu lila, Isa oge, — ti Nasaret

wewengkon Galilea — sumping ka Yahya.


Terus ku nabi dibaptis di walungan
Ciyordan.
10 Sanggeus hanjat ti cai, ngadak-

ngadak brah bae langit beulah; terus aya


nu turun siga japati, nya eta Ruh Allah;
tuluy eta anu siga japati teh, eunteup ka
Anjeunna.
11 Ngeng, ti awang-awang, aya sora

kieu, “Hidep teh, Putra Kami, anu


dipikanyaah sarta anu kamanah ku
Kami!”
12 Geus kitu, Anjeunna digerakkeun ku

Ruh Allah kedah angkat ka tegal kikisik:


13 Di tegal kikisik, — kenging opat puluh

poe bari nadah gogoda Iblis — di antara


sato galak tea, Anjeunna dilayanan ku
malaikat-malaikat.
14 Sanggeusna Nabi Yahya ditangkep,

Isa mulih deui ka Galilea sarta ngawitan


MARKUS 1.15–20 3
ngayakeun hutbah-hutbah ngeunaan
Injil ti Allah Nu Mahaagung.
15 Kieu hutbah-Na, “Kiwari teh, geus

tepi ka wancina; ayeuna, geus meh


datang mangsana Karajaan Allah baris
ngadeg. Geura tarobat jeung kudu
percaya ka Ieu Injil!”
16 Hiji mangsa, Anjeunna angkat mapay

talaga Galilea. Anjeunna ningali palika,


duaan, keur lintar; nu saurang ngaranna
Simon, nu saurang deui dulurna,
ngaranna Andreas.
17 Ku Anjeunna digentraan, “Hiap milu

ka Kami; engke, maraneh, ku Kami


diajar ngala jelema!”
18 Nu disaur teu talangke; cul heurapna

ditinggalkeun, terus ngiring ka Anjeunna.


19 Anjeunna jengkar deui. Teu lila,

beh deui palika, duaan; duanana


anak Sebedeus, nu saurang ngaranna
Yakobus, nu saurang deui Yahya, keur
ngabenahan heurap dina parahu arek
lintar.
20 Tuluy ku Isa, duanana, disaur diajak

ngiring. Ieu oge, terus nurut; cul,


bapana jeung kuli-kuli, ditinggalkeun
ngiring ka Anjeunna.
MARKUS 1.21–28 4
21 Isa sarta murid-murid-Na, tepi ka hiji
kota anu ngaran Kapernaum.
22 Dina poe Sabat, Anjeunna

ngawulang di tempat ibadah. —


Anu ngabarandungan piwulang-Na,
kabeh mikahelok lantaran karasa bedana
ti ahli-ahli Kitab, turug-turug karasa aya
wibawa-Na —
23 Harita, di dinya, aya jelema anu

kasurupan roh jahat ngagorowok,


24 “Rek naon Isa urang Nasaret datang

ka urang? Arek ngabinasa? Urang nyaho,


Anjeun teh Jelema suci, utusan Allah!”
25 Timbalan Isa ka eta roh jahat, “Repeh

maneh, hayoh nyingkah ti eta jelema!”


26 Tuluy nu kasurupan teh ngagibrig, ari

roh jahatna ngagero bari terus ingkah.


27 Saayana jelema di tempat ibadah

bati arolohok, tuluy tingkucuwes,


“Aneh, aneh! Geus puguh hutbah-Na
barang anyar. Omongana-Na ge, gede
pangaruhna; bisa dipake marentah ka
roh-roh jahat, nepi ka narurut kitu.”
28 Eta kajadian teh, bejana, gancang

pisan sumebar ka sakuliah wewengkon


Galilea.
MARKUS 1.29–35 5
29 Tas ti tempat ibadah, Isa ngabujeng
ka imah Simon jeung Andreas, katut
Yakobus jeung Yahya.
30 Barang sumping, terus Anjeunna

diwartosan, yen mitoha awewe ki Simon


keur gering, muriang panas.
31 Ku Anjeunna ditingali, terus

leungeunna dicepeng disina cengkat.


Rep bae muriangna rerep, cageur
ngadak-ngadak; malah mah, anjeunna
teh bisa ngalalayanan ka tamuna.
32 Wanci sareupna, hul-hol urang

dinya marawa nu garering jeung anu


kasarurupan roh jahat.
33 Saayana urang dinya tumplek ka eta

imah.
34 Ku Anjeunna nu garering

teh dicageur-cageurkeun; ari nu


kasarurupan, roh-roh jahatna diusir.
Eta roh-roh jahat, kabeh ge, wawuheun
ka Anjeunna; tapi eta roh-roh jahat,
ku Anjeunna sama sakali teu dibere
kasempetan ngomomg naon-naon.
35 Isukna, poek-poek keneh, Jungjunan

geus angkat; angkatna teh, — nyalira


bae — ka luareun kota, nya eta ka hiji
tempat anu sepi.
MARKUS 1.36–42 6
36 Anjeunna, ku ki Simon sabatur-batur,
ditareangan.
37 Sanggeus kapendak maranehna

unjukan, “Jungjunan dipilarian ku


sadaya.”
38 Ari waler-Na, “Mending urang terus

ka kampung-kampung sakuriling ieu. Eta


oge perlu didatangan. Maranehna oge
perlu diwawaran Injil ku Kami. Sabab
eta pisan perluna Kami datang ka alam
dunya teh!”
39 Sanggeus ngalahir kitu, terus

Anjeunna jengkar pikeun ngideran


sakuliah tanah Galilea, hutbah di
tempat-tempat ibadah, sarta ngusir
setan-setan anu nyarurup ka manusa.
40 Kocap, aya nu katerap kasakit

lepra datang ka Isa ngadeuheus. Brek


sideku bari unjukan yen manehna
hayang cageur. Piunjukna, “Saupami
Jungjunan kersa, mung Jungjunan anu
iasa nyageurkeun kasakit abdi.”
41 Jungjunan ngahelas manahna, tuluy

nu lepra teh dicabak. “Heug, cageur!”


timbalana-Na.
42 Les bae, kasakit leprana, leungit

tanpa lebih; awakna jadi pulih beresih.


MARKUS 1.43–2.4 7
43 Ku Isa ditimbalan balik buru-buru
bari dipesen, “Kade, ulah cacarita ka
sasaha.
44 Tapi maneh, kudu nembongkeun

eta awak maneh ka imam. Jaba ti


eta, maneh ge kudu nyanggakeun
kurban panarima, nurutkeun tetekon ti
Nabi Musa, tandaning awak geus pulih
beresih.”
45 Tapi sakitu diomat-omatanana ge,

teu weleh cacarita ka ditu ka dieu nepi


ka nyebar bejana ka mana-mana. Ku
sabab eta, Isa teu iasa terang-terangan
ka jero kota; atuh kapaksa Anjeunna teh
di luar kota bae, di nu sepi-sepi. Tapi teu
kalis ku kitu, nu daratang mah, angger
bae merul ti mana-mana.
1 Isa mulih deui ka Kapernaum.

2 Tuluy bejana sumebar, yen Anjeunna


parantos aya di salah sahiji imah.
2 Jelema-jelema terus tamplok ka eta

imah, pajejel ka luar-luar taya tempat


anu kosong.
3 Sabot Anjeunna ngawulang, aya nu

lumpuh digotong dina tandu ku opatan


rek dibawa ka Anjeunna.
4 Tapi ku sabab sakitu padedetna,

pakarepanana teu hasil. Tuluy


MARKUS 2.5–10 8
maranehna make jalan ti luhur, nya
eta ku jalan ngorowek hateup palebah
Jungjunan calik. Geus kitu, si lumpuh
teh diulur jeung tanduna.
5 Ku Jungjunan kauninga pisan, kumaha

mantepna kayakinan maranehna


ka Anjeunna. Lajeng ngalahir ka si
lumpuh, saur-Na, “Anaking, dosa maneh
dihampura.”
6 Di dinya oge, aya ahli-ahli Kitab;

maranehna teh tinggerentes dina


hatena,
7 “Naha ieu Jelema teh asa mapadani

teuing ka Allah, wani-wani ngomong


kitu? Manusa mah teu boga hak
ngahampura dosa, euweuh nu bisa,
ngan Allah anu wenang!”
8 Pipikiran maranehna, ku Jungjunan

kauninga. Anjeunna sasauran, “Naha


aranjeun kitu mamanahan?
9 Pikeun ieu anu lumpuh: Naha leuwih

babari narima ucap nu nyebutkeun


dosana dihampura, atawa leuwih babari
dititah nangtung sina terus leumpang,
tanduna sina dibawa?
10 Tapi ayeuna rek ditembongkeun, yen

Putra Manusa teh di dunya memang


boga hak ngahampura dosa.”
MARKUS 2.11–15 9
11 Geus kitu, nu lumpuh teh ditimbalan,
“Parentah Kami: Nangtung maneh, eta
tandu bawa balik!”
12 Nu lumpuh teh, — cengkat bari

dipencrong ku sarerea — terus


nangtung, tanduna diangkat, tuluy
balik gagancangan. Anu nyaraksian bati
bengong, tuluy maruji ka Pangeran.
“Saumur-umur, kakara ayeuna, manggih
kajadian anu sakieu ajaibna mah!” Kitu
ngaromongna teh.
13 Ti dinya, Isa angkat deui ka sisi

Talaga. Jelema-jelema tumplek deui,


tuluy ku Anjeunna diwuruk.
14 Sarengsena, Anjeunna angkat

deui mapay-mapay sisi Talaga. Beh,


Anjeunna, ningali tukang Cuke;
ngaranna Lewi bin Alpius, keur diuk
di panyukean. Ku Anjeunna disaur,
timbalana-Na, “Hayu milu!” Terus Lewi
milu.
15 Waktu Isa tuang di manehna, loba

tukang-tukang cuke; nya kitu deui


jelema-jelema nu daroraka, marilu
dahar, bareng jeung Anjeunna jeung
murid-murid sabab nu ngariring teh
loba.
MARKUS 2.16–21 10
16 Nenjo Isa tuang jeung nu karitu,
ahli-ahli Kitab jeung urang Parisi
ngaromong ka murid-murid, “Naha
Anjeunna wet daek tuang bareng, nya
jeung tukang-tukang cuke, nya jeung
jelema-jelema nu daroraka?”
17 Ngaromongna ku Isa ge kadangu.

Anjeunna ngalahir, “Nu cageur mah, teu


butuheun ku doktor; nu butuheun doktor
mah, nu garering. Kami datang teh lain
rek nyaur anu balener, tapi rek nyaur
anu doraka.”
18 Hiji mangsa, waktu murid-murid

Nabi Yahya, nya kitu deui urang Parisi


keur paruasa. Aya nu naranya ka Isa,
“Murid-murid Yahya jeung urang Parisi
paruasa. Ku naon murid-murid Anjeun
mah tara paruasa?”
19 Ku Isa diwaler kieu, “Ari babaturan

ki Panganten naha kudu puasa najan


ki Panganten masih maturan keneh?
Sapanjang ki Panganten maturan keneh
mah, batur-baturna, teu kudu puasa.
20 Tapi ki Panganten teh bakal dibawa,

nya harita maranehna bakal paruasa.


21 Moal aya, anu nambal baju heubeul

ku lamak anyar. Sabab lamak nu anyar


teh, matak leuwih soeh ka nu heubeul.
MARKUS 2.22–26 11
Malah mah, soehna teh, jadi leuwih
gede.
22 Oge moal aya anu nyimpen anggur

anyar kana kantong kulit nu geus


heubeul. Sabab kantong nu geus
heubeul teh, tangtu bedah. Tungtungna
mah, nya anggurna, nya wadahna
kapiceun duanana. Anggur anyar,
wadahna ge kudu nu anyar.”
23 Hiji mangsa, dina poe Sabat,

Isa angkat. Angkatna ngalangkung


pahumaan. Sabot laleumpang, murid-
murid tingrarawel kana gandum, maretik
sababaraha ranggeuy.
24 Ari cek urang Parisi teh, “Tingali eta

tuang murid petak-petik! Kapan cek


Toret ge, henteu kenging barang gawe
dina poe Sabat!”
25 Isa ngawaler, “Na teu acan ngaos

carios waktu raja Daud ngaraos butuh


ku tutuangeun; nya waktos anjeunna
sareng anak buahna lapar tea.
26 Ahirna, anjeunna lebet ka Bait

Allah, nyandak roti haturkeuneun ka


Allah. Harita, anu jadi Imam Agungna
teh, Abyatar. Cek Toret: Anu meunang
ngadahar haturkeuneun ka Allah teh,
ngan ukur para imam; ari harita, wet
MARKUS 2.27–3.5 12
dituang ku raja Daud jeung ku anak
buahna.”
27 Saur Isa deui, “Sabat diayakeun teh

gunana pikeun mangpa'at umat manusa.


Jadi, lain manusa diayakeun pikeun
Sabat.
28 Ku lantaran kitu, Putra Manusa teh

jadi Jungjunanning Sabat oge.”


1 Isa angkat ka tempat ibadah

3 deui. Harita, di dinya teh aya nu


kempreng.
2 Nu araya di dinya, aya nu hayang

bisa nyalahkeun ka Isa. Kitu, nu


matak sagala gerak-gerik Anjeunna,
kacida diawaskeunana; sugan-sugan,
Anjeunna, kagungan niat nyageurkeun
dina poe Sabat.
3 Isa nimbalan ka eta nu kempreng teh,

saur-Na, “Coba ka dieu ka hareup!”


4 Ti dinya, Anjeunna mariksa ka nu

kumpul, “Naon anu ku Toret diidinan


dipigawe dina poe Sabat? Kudu nulung
atawa kudu nyilakakeun? Kudu numbu
umur atawa megatkeun nyawa batur?”
Nu kumpulan ngabaretem.
5 Mayunan anu baredegong kitu,

manah-Na ngerik. Anu kumpul dipapay


diteuteup bari bendu. Tuluy ngalahir ka
MARKUS 3.6–11 13
nu kempreng tea, “Cik, jungjungkeun
eta leungeun!” Barang dijungjungkeun,
wet terus cageur.
6 Urang Parisi tinglaleos, medal sila,

ti eta tempat ibadah. Langsung bae


maranehna ngayakeun babadamian
jeung parteyna Raja Herodes, neangan
jalan pikeun nelasan Jungjunan.
7 Isa katut murid-murid jengkar ka

Talaga Galilea, diiring balarea.


8 Aya nu ti Galilea, ti Yudea, ti

Yerusalem, ti wewengkon Idumea, ti


wewengkon peuntaseun Ciyordan, ti
wewengkon nagri Tirus, jeung ti Sidon.
Eta jelema rea naluturkeun teh lantaran
maranehna panasan ku beja.
9 Sanggeus eta jelema-jelema ngumpul;

jadi pohara lobana. Isa mundut ka murid-


murid, supaya disayagikeun parahu,
malar henteu kasedekkeun.
10 Pasedek-sedek teh lantaran Anjeunna

sok nyageur-nyageurkeun tea. Atuh


nu garering teh parebut paheula-heula
nyabak Anjeunna.
11 Ari anu kasurupan roh jahat

mah, barang ret ka Anjeunna teh


tingrumpuyuk bari ngagero, “Anjeun teh
Putra Allah!”
MARKUS 3.12–20 14
12 Tapi Isa ngalarang pisan, ka eta roh-
roh jahat, nyaritakeun saha Anjeunna
teh.
13 Geus kitu, Isa unggah ka pasir.

Anjeunna nyauran sawatara urang anu


cop kana manah-Na.
14 Sanggeusna kumpul, ku Anjeunna

dipilih dua welas urang. Eta nu kapilih


teh, disebatna Rasul. “Maraneh ku Kami
dipilih, supaya marengan Kami salilana,”
dawuhana-Na.
15 “Engke, maraneh, ku Kami diutus

nepikeun Injil jeung dibere kakawasaan


pikeun ngusir setan-setan.”
16 Ngaran-ngaran nu kapilih, nya eta:

Simon anu katelah Petrus; Yakobus bin


Sebedeus jeung Yahya, dulurna.
17 Ieu nu duaan ku Anjeunna disebatna

“Boanerges,” hartina “Anakna guludug.”


18 Tuluyna: Andreas, Pilipus,

Bartolomeus, Mateus, Tomas, Yakobus


bin Alpius, Tadeus, Simon Selotes,
19 jeung Yudas Iskariot anu engkena

ngahianat ka Jungjunanna.
20 Ti dinya, Isa lebet ka hiji imah. Breg

deui jelema-jelema, nepi ka Anjeunna


katut murid-murid teu kabujeng
tuang-tuang acan.
MARKUS 3.21–28 15
21 Barang wargi-wargi-Na meunang
beja, buru-buru nyarusulan rek dicandak
mulih. Lantaran aya beja, cenah,
Anjeunna teh geus kirang emutan.
22 Ari cek ahli-ahli Kitab mah, anu

daratang ti Yerusalem, majar teh,


“Kaasupan Beelsebul!” Jeung, “Bisaeun
ngusir setan-setan teh lantaran ku
kapala setan.”
23 Maranehna, ku Anjeunna sina

kumpul; lajeng Anjeunna nyarios ku


ibarat-ibarat, saur-Na, “Naha bisana Iblis
ngusir Iblis?
24 Nagara anu pecah-belah tangtu moal

tahan:
25 Rumah tangga anu pecah-belah

tangtu baruntak.
26 Kitu keneh, lamun iblis pada iblis

bentrok sarta pecah, karajaanana baris


tamat.
27 Sabalikna, ka jelema gagah mah,

saurang ge moal aya nu bisa asup


ka imahna pikeun ngaringkid barang-
barangna; lamun jelemana henteu
dibarogod heula.
28 Tengetkeun ieu ucap Kami: Dosa

per dosa manusa, katut omongan-


MARKUS 3.29–4.1 16
omongan kotorna anu doraka, aya
hampuraeunana.
29 Tapi jelema anu nganistakeun Ruh

Allah mah, geus teu bisa dihampura


sama sakali. Sabab dosana teh, geus
jadi dosa anu langgeng.”
30 Jungjunan ngadawuh kitu teh, ka

jelema-jelema anu nyebutkeun yen


Anjeunna kaasupan roh jahat.
31 Ibu jeung saderek Isa, anu

nyarusulan tea, geus tararepi. Tapi di


laluar bae, teu bisa asup; jadi, ngan
talatah supaya Anjeunna kaluar.
32 Ku nu dareukeut diukna ka Isa

diunjukkeun, “Tuang ibu sumping


sareng saderek-saderek, saurna hoyong
nepangan.”
33 Isa ngawaler, “Saha kitu nu jadi

indung jeung dulur-dulur Kami teh?”


34 Sasaurana-Na bari mencrong ka nu

ngariung. Saur-Na deui, “Ieu indung


jeung dulur-dulur Kami mah!
35 Nya eta, sing saha bae anu ta'at kana

timbalan Allah. Tah, nu kitu indung Kami


mah; nu kitu dulur-dulur Kami mah, boh
awewe, boh lalaki.”
1 Hiji mangsa, Isa ngawulang deui

4 di sisi Talaga Galilea. Nu kumpul


MARKUS 4.2–9 17
kacida lobana, nepi ka Anjeunna kapaksa
ngawulang-Na ngalih kana parahu, rada
nengah.
2 Pangajarana-Na rupa-rupa,

nganggo ibarat. Kieu dawuhana-


Na, “Raregepkeun!
3 Aya hiji jelema indit tebar.
4 Waktu tebar, binihna, aya nu

katebarkeun ka jalan; eta binih teh,


beak ku manuk.
5 Aya oge binih anu katebarkeun kana

tanah cadas, taneuhna keri. Ku sabab


taneuhna ipis, binih teh tereh jadi.
6 Tapi barang kapanasan, binih nu

kakara jadi teh alum, malah terus


garing, da ngakarna henteu jero.
7 Sawarehna deui, aya nu katebarkeun

kana rungkun cucuk. Cucukna


ngagedean, binih tea mah boro-boro
buahan, malah paeh kaelehkeun ku
cucuk.
8 Ari binih anu meneran kana tanah nu

hade mah, jadina teh alus naker, nepi ka


baruahanana; hasilna, aya nu tilu puluh
lipet, nu genep puluh lipet, jeung saratus
lipet.”
9 “Ayeuna,” dawuhan Isa, “lamun enya

baroga ceuli, pek geura raregepkeun.”


MARKUS 4.10–17 18
10 Sanggeus Isa nyalira, para pangiring
jeung murid-murid nu dua welas
ngadareuheusan. Maranehna menta
diterangkeun maksudna eta carita.
11 Dawuhan Anjeunna, “Ka maraneh

mah, rasiah Karajaan Allah teh diguar,


dibuka.
12 Ka nu di luareun maraneh mah,

dicaritakeunana teh ngan ku silokana


bae, nepi ka maranehna mah: nenjo
mah nenjo, tapi tetep teu awas;
ngadenge mah ngadenge, tapi tetep teu
ngarti, supaya teu babalik pikir sarta
dihampura.”
13 Anjeunna mariksakeun, “Maraneh ge

teu ngarti deuih? Ana kitu kumaha rek


ngartina kana misil-misil sejenna?
14 Binih nu ditebarkeun teh, nya eta

Sabda Allah.
15 Binih anu katebarkeun ka jalan, nya

eta Sabda teh ditarimana ngan saliwat;


harita kadenge, harita keneh dipupus ku
Iblis; teu kungsi ngendek dina hatena.
16 Binih anu katebarkeun kana tanah

cadas, nya eta Sabda teh gancang pisan


ditarimana bari jeung gumbirana.
17 Tapi teu nepi ka ngakar kana

hate, jadi bisa teu tahan. Ana datang


MARKUS 4.18–24 19
dodoja atawa disusahkeun pedah
daek nyekel Sabda tea, imanna luntur,
kapercayaanana lebur.
18 Binih anu katebarkeun kana ruyuk

cucuk, nya eta Sabda teh ditarima.


19 Tapi sajeroning kitu, jelemana, teu

weleh dikukuntit ku karisi; tur kagoda ku


haliah dunya jeung rupa-rupa kahayang
napsu, nepi ka Sabda tea mah kagencet,
teu nepi ka bisa ngabukti.
20 Panganggeusanana binih anu

meneran kana taneuh anu lendo, nya


eta Sabda teh didenge, ditarima, jeung
diimankeun; hasilna kapetik buahna
kaala, aya nu tilu puluh lipet, nu genep
puluh lipet, jeung saratus lipet.”
21 Isa ngalahir deui, “Urang nyeungeut

lampu teh, kapan lain rek dituruban ku


baskom atawa diteundeun di kolong,
tapi nya keur diteundeun di tempat
parantina.
22 Naon bae anu disumput-sumput,

awal ahir mah kanyahoan. Naon bae anu


dirasiahkeun, awal ahir pasti kabuka.
23 Pake ceuli teh, pake ngadenge!”
24 Dawuhana-Na deui, “Ayeuna ieu

perhatikeun: Ukuran anu ku maneh


dipake ngukur batur, ku Pangeran baris
MARKUS 4.25–31 20
dianggo ngukur deui ka maneh kalawan
leuwih ti kitu.
25 Sabab sing saha anu geus boga,

bakal ditambah. Sabalikna, nu teu boga


naon-naon mah, milikna nu pang teu
pirana ge, bakal dieuweuhkeun pisan.”
26 Dawuhana-Na deui, “Karajaan Allah

teh lir binih nu ditebarkeun ku hiji


jelema.
27 Geus kitu, peutingna mondok,

beurangna hudang; binih jadi ku maneh.


Eta jelema mah, teu nyahoeun kumaha
petana binihna jadi.
28 Da anu ngalantarankeun jadina

nepi ka buahan mah taneuh. Mimitina


sirungan mentik, tuluy morontod
ngagedean, bijil ranggeuyanana, beuki
beuneur-beuki beuneur, nepi ka asak.
29 Eta anu melak teh sasadiaan, mun

geus meujeuhna metik panen.”


30 Dawuhan Isa, “Ayeuna, Karajaan

Allah teh urang upamakeun naon deui?


Kumaha ngupamakeunana, supaya bisa
diterangkeun?
31 Urang upamakeun bae siki sasawi,

nya eta siki anu pangleutikna di antara


sisikian.
MARKUS 4.32–37 21
32 Tapi lamun eta siki dipelakkeun, —
ari geus jadi — di antara palawija mah,
tangkalna teh panggedena; dahanna
ge, nepi ka sok dipake tempat nyayang
manuk.” Kitu cariosana-Na.
33 Geus baku ana nyarioskeun hal

Karajaan Allah ka umum mah, Anjeunna


nyarioskeunana teh sok nganggo upama
bae; kawas bieu, diloyogkeun kana
tahap pangarti maranehna.
34 Anjeunna mah, tara teu

nganggo upama atawa ibarat-ibarat


nyarioskeunana teh. Tapi di mana geus
leupas ti balarea, ka murid-murid mah,
eta ibarat-ibarat teh eces diterangkeun
pihartieunana.
35 Poe eta keneh, sanggeus burit,

Isa ngajak meuntas ka murid-murid,


saur-Na, “Urang meuntas ka beulah
ditu.”
36 Balarea dikantun, Anjeunna

miheulaan kana parahu dituturkeun


ku murid-murid; tuluy mareuntas bari
dibaturan ku sababaraha parahu sejenna
deui.
37 Gelebug aya angin ribut, talaga

jadi motah, parahu meh-meh kalebuh


kaasupan cai.
MARKUS 4.38–5.3 22
38 Harita, Isa nuju kulem di pungkur
nganggo tilam. Geuwat digugahkeun.
“Pa Guru!” Cek murid-murid. “Bade
cicing bae urang bade cilaka teh?”
39 Isa enggal gugah, terus marentah ka

angin, “Jep!” Marentah deui ka ombak,


“Leler!” Jep bae angin sirep, kaayaan
malik ayem kabina-bina.
40 Anjeunna ngadawuh ka murid-

murid, “Naha wet geumpeuran teuing?


Dikamanakeun eta iman teh?”
41 Ayeuna mah, murid-murid teh,

sieunna jadi sieun ka Anjeunna. “Saha


atuh nu saenyana ieu Guru urang teh?
Bet digugu parentah-Na ku angin jeung
ku ombak!” Pokna, ka pada batur.
1 Meuntasna geus nepi ka wewengkon

5 tanah Gadara, peuntaseun Talaga


Galilea.
2 Barang jut, Isa, tina parahu; prok,

Anjeunna, amprok jeung hiji jelema anu


datangna ti hiji pamakaman.
3 Eta teh jelema edan anu kasurupan

roh jahat; cicingna ge di pamakaman


bae. Eta jelema teh, geus teu bisa
diurus, teu aya nu tahan, jeung taya tali
atawa rante nu kuat dipake nyangcang
manehna.
MARKUS 5.4–11 23
4 Sababaraha kali ditalikung make
rante, tapi rantena pegat-pegat
bae, malah beusi bangkol sukuna
oge bisa dipingges-pinggeskeun.
Bedasna luar biasa, taya nu sanggup
ngahalang-halang deui!
5 Beurang peuting gawena ngaprak di

pamakaman atawa di gunung-gunung,


bari ceuceuleuweungan jeung nurihan
maneh ku batu seukeut.
6 Harita, ti kajauhan keneh geus

awaseun ka Isa; deregdeg manehna


muru, brek sideku ka Anjeunna bari
nyembah.
7 Tuluy ngagorowok, “Aduh Isa, Putra

Allah Mahaagung! Bade dikumahakeun


abdi teh? Demi Allah, ulah nyiksa!”
8 Sabab tadi Isa geus nimbalan kieu,

“He roh jahat, ingkah maneh ti eta


jelema!”
9 Isa terus mariksa, “Maneh saha

ngaran?” Jawabna, “Legiun!” Sabab nu


nyurupna teh, lobaan!
10 Tuluy anu nyebut ngaran Legiun teh,

sasambat, menta supaya anu nyurupna,


anu lobaan tea, ulah diusir ti daerah eta.
11 Teu jauh ti dinya, aya babi sabubuhan

keur nyaratuan di lamping pasir.


MARKUS 5.12–18 24
12 Tuluy roh-roh jahat teh menta, “Ka itu
bae atuh, widian nyurup ka babi-babi.”
13 Ku Anjeunna dirujukkan. Eta roh-roh

jahat aringkah ti eta jelema, tuluy


nyarurup ka babi-babi. Gerebeg babi nu
sakitu lobana teh, kurang leuwih dua
rebu, tingdurugdug lalumpatan ka gawir;
terus eta babi-babi teh, bras-brus kana
talaga, kabeh paraeh.
14 Jelema-jelema anu ngangon eta

babi-babi tingbalecir, aya nu lumpat


ka kota, aya nu ka kampung-kampung
pikeun nyebarkeun beja. Anu dibarejaan
riab harayang nyaho.
15 Ari gok jeung Isa, nyampak nu edan

teh keur anteng diuk, geus barang


pake, jeung ingetanana geus sehat. Tapi
maranehna mah, sarieuneun keneh.
16 Sanggeus nyaraho buktina, tuluy

hariweusweus ka nu sejen, nyaritakeun


nu edan jeung babi-babi nu jaradi edan
tea.
17 Ahirna, kabeh urang dinya rempug,

maksa ka Isa supaya buru-buru


ngantunkeun eta tempat.
18 Sanggeus Isa kana parahu, urut nu

edan teh hayangeun milu. “Abdi ngiring,”


pokna.
MARKUS 5.19–26 25
19 Tapi ku Isa diwagel, saur-Na,
“Mending balik ka lembur. Pek, di ditu,
caritakeun pitulung Pangeran anu sakitu
anehna ka maneh, caritakeun kumaha
rahman-rahim-Na ka maneh!”
20 Manehna nurut, tuluy indit ngider

satanah Dekapolis (
21 Isa meuntas deui ka peuntaseun eta

talaga. Sasumpingna, jelema-jelema


tumplek deui ka Anjeunna di sisi talaga.
22 Jol, saurang pangurus tempat ibadah;

jenenganana Yairus. Sumping-sumping


terus sujud ka Isa;
23 bari ngalengis mundut tulung, “Mugi

sumping ka rorompok. Pun anak, awewe,


udur repot. Hoyong dipangningalikeun
sareng dipangnumpangankeun ku
panangan Anjeun; nya supados
katulungan sareng tiasa sehat deui!”
24 Isa rujuk, tuluy jengkar bareng bari

diiring ku balarea anu pasesedek hayang


deukeut ka Anjeunna.
25 Aya hiji awewe, geus dua welas taun

katerap kasakit ngagetih.


26 Ka tabib geus sering, duit ge geus

beak dipake tatamba. Tapi kasakitna teh,


teu cageur-cageur; malah mah, tambah
parna bae.
MARKUS 5.27–35 26
27 Barang ngadenge beja hal Isa, tuluy
milu seselendep ka pungkureuna-Na.
28 “Rek nyabak tungtung jubah-Na bae

aing mah, moal teu cageur!” Carekna


ngomong sorangan.
29 Gap nyabak kana tungtung jubah.

Set, ngagetihna, ngadadak eureun.


Karasa jadi garenah, panyakit anu
nyusahkeun teh geus cageur.
30 Bareng jeung eta, karaos ku Isa asa

aya tanaga anu mencar tina salira-Na.


Anjeunna luak-lieuk, lajeng mariksa,
“Saha anu nyabak jubah Kami?”
31 Diwangsul ku murid-murid, “Naha

nganggo mariksakeun anu nyabak?


Tangtos da sakitu pasedek-sedekna.”
32 Tapi Isa tetep luak-lieuk, milarian

jelemana.
33 Nu nyabak-Na ngarasa asa boga

dosa; atuh pohara sieuneunana, bruk


bae nyuuh kana sampeana-Na, tuluy
ngaku sabenerna bari ngadegdeg.
34 Tapi Isa ngalahir, “Geus nyai! Sukur

geus cageur mah. Eta teh ku sabab nyai


boga iman. Heug, saterusna, sing cageur
ti kajuwet teh.”
35 Sabot Anjeunna sasauran, jol aya

jurungan ti bumi Pa Yairus, mawa beja,


MARKUS 5.36–41 27
“Putra teh parantos pupus. Teu kedah
ngarerepot deui ka Pa Guru.”
36 Tapi beja teh ku Isa henteu didangu.

Anjeunna ngadawuh ka Pa Yairus, “Teu


kedah rejag, sing yakin.”
37 Geus kitu, balarea ku Anjeunna

diwagel teu meunang terus milu, iwal ti


Petrus, Yakobus, jeung Yahya, dulurna
tea.
38 Sasumpingna ka bumi Pa Yairus,

nyampak nu keur careurik, tingrambisak,


tingsalegruk, aya oge nu nepi ka
aluk-alukan.
39 Tuluy Anjeunna lebet, nu keur

careurik ditimbalan, “Ulah dipake


nalangsa, parantos ulah narangis.
Murangkalih teh lain maot, tapi keur
sare!”
40 Tapi nya kitu, Anjeunna anggur

disaleungseurikeun. Tuluy eta jelema-


jelema teh, ku Anjeunna dipiwarang
kalaluar; Anjeunna terus lebet ka
kamar layon bareng jeung ibu ramana
murangkalih jeung tilu murid-Na tea.
41 Ceg, leungeun layon teh, dicepeng;

lajeng Anjeunna ngadawuh, “Talita


Kumi,” hartina, “Gugah, nyai!”
MARKUS 5.42–6.4 28
42 Murangkalih terus ngulisik, cengkat,
tuluy leuleumpangan. (Ari yuswana
geus dua welas taun). — Atuh puguh
bae matak kaget, matak bengong nu
narenjo, hese dipercayana.
43 Tapi kabeh ge, ku Isa pohara diomat-

omatanana, teu meunang ucah-aceh ka


sasaha deui — Geus kitu, saur Isa, “Bere
dahar, eta budak teh!”
1 Ti dinya Isa jengkar, mulih

6 ka tempat asal-Na, diiring ku


murid-murid.
2 Dina poe Sabat, Anjeunna ngawulang

di tempat ibadah. Jamaah anu


ngabarandungan Anjeunna pada ngarasa
heran. Tuluy silih tanya, “Na boga
pamanggih ti mana? Jeung pangabisa
naon eta teh, wet bisaeun nyieun mujijat
sagala?
3 Lain tukang kayu tea eta teh, anak

Siti Maryam lanceuk ki Yakobus, Yoses,


Yudas, jeung Simon? Adi-adina anu
awewe oge lain di urang matuhna teh?”
Tuluy maranehna jadi ngarasa teu
resep sarta ahirna, Isa, ku maranehna
ditampik.
4 Isa ngadawuh, “Nabi mah, di mana-

mana diharagaan; ngan di lembur


MARKUS 6.5–11 29
sorangan, di lingkungan kulawargana,
atawa di tengah dulur-dulurna anu
henteu teh.”
5 Di dinya mah, Anjeunna henteu

kantos ngayakeun mujijat naon-naon;


salian ti nyageurkeun sawatara urang
anu garering ku jalan numpangkeun
panangana-Na.
6 Isa jengkar deui, lebet kampung

kaluar kampung bari ngawulang.


7 Geus kitu, Anjeunna ngempelkeun

murid-murid-Na. Tuluy eta murid-murid


teh, duaan-duaan, diutus bari dipaparin
kawasa pikeun nundung roh-roh jahat.
8 Timbalana-Na, “Teu meunang mawa

naon-naon, iwal ti iteuk: Teu meunang


mawa roti atawa bekel, beubeur ulah
dieusi ku duit,
9 meunang make tarumpah, tapi ulah

mawa pisalin.”
10 Saur-Na deui, “Mun geus ditarima di

hiji tempat, nganjrekna ge kudu di dinya


bae, tepi ka waktuna kudu indit deui.
11 Upama hiji tempat embungeun

narima, embungeun ngadenge ka


maraneh; tinggalkeun bae, bari
kejekkeun kekebul tina suku, pikeun
bukti ka urang dinya.”
MARKUS 6.12–17 30
12 Bral murid-murid arindit, ngayakeun
uar pangajak yen jelema-jelema kudu
tarobat.
13 Lian ti eta, murid-murid teh oge

ngusir roh-roh jahat jeung nyageurkeun


anu garering ku jalan diolesan minyak.
14 Raja Herodes oge ngadangu hal

ihwal Isa, kawantu jenengan Isa geus


kamashur. Cek jalma rea mah, Anjeunna
teh, Nabi Yahya nu hudang deui ti
anu geus maraot; mana jadi sakitu
kawasana.
15 Cek nu sawarehna deui mah,

Anjeunna teh, Nabi Elias. Aya oge anu


nyangka yen Anjeunna teh, nabi; nya
kawas nabi-nabi nu baheula tea.
16 Ari saur raja Herodes mah, “Moal

salah, eta teh, Yahya anu ku aing


diteukteuk beuheungna tea; ayeuna,
manehna hirup deui!”
17 Memang, Herodes anu miwarang

nagkep Nabi Yahya teh; salian diborgol,


anjeunna ge dijebloskeun ka panjara.
Asalna mah, sang Raja teh nyandak
Herodias, — geureuha Pilipus, saderekna
— didamel prameswari;
MARKUS 6.18–23 31
18 ari ku Nabi Yahya, sang raja teh
ditegor, saurna, “Nyandak geureuha
saderek teh, haram hukumna.”
19 Herodias jadi neuteuli ka Nabi Yahya.

Anjeunna teh, hoyong nelasan Nabi


Yahya, tapi teu iasa.
20 Sabab raja Herodes, rada serab

ku anjeunna; da Herodes mah uninga


yen Yahya teh, jalmi bener tur suci;
jadi, anjeunna ditangtayungan. Ana
anjeunna ngadangukeun Yahya,
manahna sok mandeg mayong, tapi
resep ngabandungan kasauranana.
21 Tapi ahirna mah, Herodias teh

mendak kasempetan oge. Eta


kasempetan teh, nya eta waktu sang
raja mestakeun ulang taunna sarta
ngondangan para pembesar, perwira-
perwira, jeung pepentol-pepentol tanah
Yudea.
22 Harita, putrina Herodias majeng

nyirimpi, nyukakeun sang raja jeung


tamu-tamu. Sang raja ngalahir ka eta
putri, saurna, “Pek, nyuhunkeun naon
bae ka ama; engke, ku ama dipasihan.”
23 Malah sang raja sumpah, “Naon

sakapalay nyai, najan sabeulah karajaan


pisan, ku ama ditedunan.”
MARKUS 6.24–31 32
24 Murangkalih lebet heula, unjukan ka
ibuna, “Naon anu kedah disuhunkeun?”
Walon Herodias, “Nyuhunkeun sirah
Yahya bae!”
25 Murangkalih kaluar deui, unjukan,

“Nyuhunkeun sirah Yahya dina baki,


nyuhunkeun ayeuna!”
26 Sang raja ngajenghok. Tapi ku

sabab geus sumpah tea, tur payuneun


tamu-tamuna, anjeunna teu iasa nolak.
27 Lajeng anjeunna marentah gulang-

gulang sina nugel mastaka Yahya.


Gulang-gulang terus indit, mastaka
Yahya ditugel.
28 Mastakana dibakian, dipasrahkeun ka

nyi putri; terus ku nyi putri dihaturkeun


ka ibuna.
29 Sanggeus murid-murid Yahya

tarerangeun, layonna dicandak, terus


dikurebkeun.
30 Rasul-rasul utusan tea, geus baralik;

tuluy maranehna ngadareuheus ka Isa,


ngadadarkeun hasil pagawean jeung
pangajaranana.
31 “Hayu sarerea urang neangan nu

sepi, supaya bisa jongjon ngareureuh


heula,” saur Isa ka maranehna.
Sabab harita teh, keur loba pisan
MARKUS 6.32–37 33
jelema balawiri, nepi ka teu kabujeng
tuang-tuang acan.
32 Terus sarerea kana parahu, meuntas

ka tempat anu mencil.


33 Tapi sabot kana parahu, katarenjoeun

ku jelema-jelema jeung tujuanana teh


geus kataksir. Tuluy anu ti kota-kota
buru-buru nyarusul ka ditu, ku jalan
darat; eta nu nyarusul teh, tepina ti
heula.
34 Barang Isa lungsur ka darat,

maranehna geus kumpul. Kacida lobana


teh, matak ngahelas kana manah-Na;
nya asa ningali domba anu euweuh
pangangonna. Tuluy bae ku Anjeunna
diwuruk rupa-rupa hal.a
35 Sanggeus rada burit, murid-murid

mihatur, “Jungjunan, parantos burit


sareng di dieu teh tempat mencil.
36 Jalmi-jalmi teh sina mios bae, sina

maleser tedaeun masing-masing di desa


atanapi kampung anu caket-caket.”
37 Tapi saur Isa, “Ku maraneh bae

suguhan.” Wangsul murid-murid, “Jadi,


abdi-abdi kedah mios meser roti keur
jalmi sakitu seueurna, ari artos mung
aya dua ratus dinar?”
aMat 9:36
MARKUS 6.38–45 34
38 Saur Isa, “Aya sabaraha roti di
maraneh? Cik, ilikan.” Sanggeus diilikan,
“Roti kantun lima; lauk dua siki.”
39 Jalma-jalma teh ku Anjeunna

dipiwarang dariuk, gugundukan dina


jukut anu keur meujeuhna hejo.
40 Gek, maranehna darariuk

gugundukan, aya nu saratus aya


nu lima-lima puluh urang.
41 Sanggeus Anjeunna nyandak roti

anu lima jeung laukna dua siki tea,


Anjeunna tanggah ngucapkeun berkah.
Terus rotina disemplekkan, tuluy
dipaparinkeun ka murid-murid sina
dibagikeun. Laukna oge dibagikeun ka
kabehan.
42 Terus kabeh dalalahar nepi ka

sareubeuhna.
43 Kaleuwihanana, beunang

nyemplekkan tea, dikumpulkeun;


meunang dua belas bakul pinuh, jaba
kaleuwihan laukna.
44 Anu disuguh dahar, harita, aya lima

rebu urang.
45 Geus kitu, murid-murid, ku Isa

dipiwarang meuntas ti heula ka tanah


Betsaida. Jelema-jelema ge dipiwarang
baralik.
MARKUS 6.46–53 35
46 Sanggeus kabeh arindit, Anjeunna
unggah ka luhur pasir bade ngadu'a.
47 Tengah peuting, murid-murid, geus

aya di satengahing talaga; ari Anjeunna


mah, di darat keneh, nyalira.
48 Anjeunna uninga yen murid-murid

keur tihothat ngadayung lantaran


angin ngadat; ku sabab eta, kira-kira
dina pukul tilu janari, Anjeunna geus
aya tapak kancang deukeut parahu
murid-murid, semu rek ngalangkung.
49 Barang katenjo ku murid-murid,

maranehna mani tingsareblak; cop bae


ka jurig, tuluy tingkoceak,
50 da kabehanana narenjoeun, pohara

sarieuneunana. Tapi ku Anjeunna


digentraan, “Teger! Kami ieu teh, ulah
sieun!”
51 Tuluy Anjeunna unggah kana parahu;

jep bae, angin teh leler. Ari murid-murid


ngan bengong jeung bingung bae anu
aya.
52 Sakitu geus nenjo mujijat tina hal roti

tea oge, weleh ku maranehna henteu


diuji ku ati, bangun anu sabodo bae.
53 Ti dinya, kebat meuntasna; jol ka

tanah Genesaret, tuluy balabuh.


MARKUS 6.54–7.4 36
54 Barang lungsur tina parahu, urang
dinya jol-jol tenget bae ka Anjeunna.
55 Atuh tuluy bae, eta urang dinya teh

lalumpatan ka jero kampung; ari balikna


deui bari ngagotongan anu garering.
Kitu bae, di mana-mana oge, lamun aya
beja ngeunaan Anjeunna teh.
56 Angkat ka mana bae, ka desa-desa,

ka kota-kota, atawa kampung-kampung,


nu garering teh diteundeun di pasar-
pasar, marenta diwidian nyabak kana
tungtung jubah-Na wungkul. Sakur anu
nyabak, terus bae calalageur.
1 Hiji mangsa aya rombongan

7 urang Parisi jeung ahli-ahli Kitab ti


Yerusalem nepungan Isa.
2 Kataringalieun ku aranjeunna yen

murid-murid Anjeunna, anu sawarehna,


dalaharna teh make leungeun najis, nya
eta henteu sibanyo heula.
3 Urang Parisi mah, sakumaha lumrahna

urang Yahudi; ari henteu ngumbah heula


leungeun mah, aranjeunna teh tara waka
dahar sabab gugon kana adat karuhun.
4 Tas ti pasar oge, aranjeunna mah tara

waka dahar lamun acan ngumbah heula


awak. Loba-loba deui adat titinggal
karuhunna, kacida digumatikeunana;
MARKUS 7.5–10 37
upamana bae, hal ngumbah cacangkir,
kendi, jeung pakakas tina tambaga.
5 Kitu nu matak, harita, aranjeunna

nyarios ka Isa, “Ari murid-murid Anjeun,


hirupna teh, naha henteu nyekel ka
adat tali paranti karuhun urang? Sabab
dalaharna teh, make leungeun anu
najis.”
6 Ari waler-Na, “Cocog sakumaha

piwejang Nabi Yesaya, aranjeun teh,


he jelema-jelema anu munapek! Kieu
saurna: Ieu umat, biwirna ngagungkeun
Kami; tapi batinna mah, mungkir ti
Kami.
7 Ibadahna ka Kami teh cumah bae;

sabab anu diajarkeunana teh, nya eta


parentah manusa.
8 Aranjeun mopohokeun parentah Allah

lantaran gugon ka adat istiadat manusa.”


9 Saur-Na deui ka aranjeunna, “Bisa

pisan aranjeun mah ngalindih parentah


Allah, malar bisa miara adat tali paranti
karuhun sorangan.
10 Sabab saur Nabi Musa: Kudu hormat

ka indung bapa! jeung: Sing saha anu


ngagorengkeun bapa atawa indung,
kudu paeh.
MARKUS 7.11–17 38
11 Ari cek aranjeun, mun jalma ka
bapana atawa ka indungna ngomong:
Naon-naon nu aya di kuring, nya eta anu
tadina keur kaperluan bapa jeung ema;
ayeuna, ku kuring parantos digunakeun
pikeun kurban; — sembahkeuneun ka
Pangeran —
12 nu kitu teh, ku aranjeun mah teu

dijurung deui nedunan kawajibanana ka


indung bapana.
13 Ku kituna, parentah Allah teh ku

aranjeun henteu dianggap; da kukuh


kana adat tali paranti karuhun bae.
Loba-loba deui kalakuan aranjeun anu
kawas kitu teh.”
14 Isa lajeng ngahiapkeun jalma rea sina

kumpul, pok nyarios, “Ieu barandungan


jeung lenyepan:
15 Sakur-sakur nu asal ti luar asup ka

urang, teu aya nu matak najis. Tapi


sakur-sakur anu kaluar ti urang, tah eta
anu najis teh.”
16 (Mun enya ceuli teh paranti

ngadenge, masing enya-enya nya


ngadenge!)
17 Sanggeus Anjeunna lebet ka hiji imah

ngantunkeun jalma rea, murid-murid-Na


MARKUS 7.18–24 39
mihatur hayang terang harti misil anu
tadi.
18 Waler-Na, “Kutan maraneh oge

henteu ngarti? Na enya maraneh teu


nyaho, yen nu asal ti luar asupna ka
urang teu matak najis?
19 Apan asupna teh, lain ka jero hate;

tapi kana beuteung, anu tuluyna dipiceun


ka jamban.” Ku hal ieu, ku Anjeunna
dinyatakeun, yen kabeh kadaharan teu
aya nu henteu halal.
20 Saur-Na deui, “Naon bae nu kaluar ti

jelema, eta najis.


21 Sabab anu bijilna ti jero, nya eta

ti jero hate, nimbulkeun rupa-rupa


pikiran goreng, pacabulan, pamalingan,
rajapati,
22 pajinahan, kahawekan, kajahatan,

pacurangan, hawa napsu, pasirikan,


parahulan, kasombongan, jeung
kagejulan.
23 Ieu sipat-sipat kajahatan kabeh

timbul ti jero jeung matak najis.”


24 Sanggeus sasauran, Isa angkat ti

dinya, ka daerah Tirus. Anjeunna lebet


ka hiji imah; ari kahoyong-Na mah ulah
aya nu nganyahoankeun, tapi buktina
teu bisa disumput-sumput.
MARKUS 7.25–31 40
25 Sabab teu lila, aya hiji ibu, anu
anakna nu awewe diraksuk ku roh jahat
meunang beja; tuluy manehna buru-buru
datang, nyuuh kana sampeana-Na.
26 Eta ibu teh urang Yunani, bangsa

Siropuniki; manehna aya panunuhun


ka Isa, nya eta supaya roh jahat anu
ngaganggu anakna diusir.
27 Tapi saur Isa ka manehna, “Keun,

barudak heula sina sareubeuheun;


sabab teu hade ngarebut roti anu pikeun
barudak, terus dialungkeun ka anjing.”
28 Si ibu ngawangsul, “Leres kituna

mah, Jungjunan. Nanging anjing oge,


anu nagog di kolong meja, sok ngiring
ngaletak remeh anu nyarikclikan ti
leungeun barudak.”
29 Saur Isa ka eta ibu, “Ku sabab cek

ibu, kitu; ayeuna mah, ibu geura mulang


sabab setan teh geus ingkah ti anak.”
30 Eta ibu terus balik, kasampak anakna

keur ngedeng di enggon, jeung setanna


geus ingkah.
31 Isa jengkar ti daerah Tirus,

ngalangkungan tanah Sidon, ngabujeng


ka Talaga Galilea di tengah-tengah
daerah Dekapolis.
MARKUS 7.32–8.1 41
32 Di dinya, aya jelema anu, nya torek,
nya pireu dideuheuskeun ka Anjeunna
menta ditumpangan panangan.
33 Eta jelema, ku Isa, dipisahkeun ti

nu rea. Sanggeus paduduaan, ceuli


nu torek teh dicolok ku remana; terus
Anjeunna ngaludah bari tuluy nyabak
kana letahna.
34 Bari tanggah, ningali ka langit,

Anjeunna narik napas, tuluy nyaur,


“Efata!” hartina “Udar!”
35 Plong bae, ceuli nu torek teh,

ngemplong dibarung ku letahna udar


tina tatali, nepi ka bisa ngomong bentes
pisan.
36 Anu araya di dinya, ku Anjeunna,

dipesen ulah rea omong. Tapi beuki


dilarang, maranehna, beuki resep bae
nyaritakeunana nepi ka nyebar ka
mana-mana.
37 Maranehna bati bengong mikahelok

bari ngaromong kieu, “Sagala damel-Na


pitulung wungkul, nu torek disina
bisa ngadenge, nu pireu disina bisa
ngomong.”
1 Harita, di dinya oge, loba deui

8 bae jelema. Tapi maranehna, geus


MARKUS 8.2–8 42
teu baroga dahareun. Lajeng Isa nyaur
murid-murid, saur-Na,
2 “Kami karunya ka ieu jelema-jelema

anu sakitu lobana. Geus tilu poe,


maranehna mimilu ka Kami; ayeuna,
maranehna geus teu barogaeun
dahareun.
3 Kami teu tega nitah balik lapar. Tangtu

engke pada kalempohan sabab loba anu


jarauh lemburna.”
4 Wangsul murid-murid, “Kumaha bade

nyuguhanana, margi ieu tempat teh


mencil pisan.”
5 Isa mariksa, “Ari di maraneh aya

sabaraha roti?” Wangsulna, “Tujuh siki.”


6 Ku Anjeunna, jelema-jelema teh,

dipiwarang dariuk dina taneuh. Roti anu


tujuh ku Anjeunna dicandak, terus muji
sukur; geus kitu, eta roti ku Anjeunna
disemplekkan, terus dipaparinkeun ka
murid-murid sina dibagikeun.
7 Jaba ti eta, aya oge lauk sababaraha

siki; sanggeus Anjeunna muji sukur


deui, laukna dibagikeun.
8 Tuluy jelema-jelema teh dalalahar

saseubeuhna. Potongan-potongan roti,


leuwihna, dikumpulkeun: Meunang tujuh
bakul.
MARKUS 8.9–16 43
9 Anu dalahar teh, kira-kira aya opat
rebu urang. Geus kitu, ku Isa dijurung
marulang.
10 Ari Anjeunna, unggah kana parahu

jeung murid-murid, ngabujeng ka


daerah Dalmanuta.
11 Jol urang Parisi, tuluy soal jawab

jeung Isa. Aranjeunna menta ka


Isa supaya ngabijilkeun hiji tanda ti
sawarga; maksudna, seja ngadoja ka
Anjeunna.
12 Anjeunna rumahuh jeroning manah,

tuluy saur-Na, “Ieu jelema-jelema


jaman kiwari marenta tanda? Cek Kami,
maraneh, umat kiwari ku Kami moal
dibere tanda!”
13 Anjeunna terus angkat ti dinya,

unggah deui kana parahu terus meuntas.


14 Waktu unggah kana parahu, murid-

murid poho mawa roti, ngan mawa


hiji.
15 Ari Isa lajeng nyaur, mepelingan,

saur-Na, “Masing awas, ati-ati, kana ragi


urang Parisi jeung ragi Herodes.” (Ragi
di dieu hartina: kamunapekan).
16 Murid-murid malalikir terus ngomong

pada batur, “Kitu nyariosna teh lantaran


urang teu boga roti.”
MARKUS 8.17–23 44
17 Kadangu ku Isa, pok sasauran, “Naha
ngaromongkeun teu boga roti? Kutan
can paham, can ngarti keneh? Geus
paeheun pikir?
18 Boga panon lain dipake nenjo, boga

ceuli lain dipake ngadenge. Na geus


paroho
19 waktu Kami nyemplekkan roti, anu

lima siki tea, didahar ku lima rebu


urang, sabaraha bakul leuwihna beunang
maraneh ngumpulkeun?” Wangsulna,
“Dua belas bakul.”
20 “Jeung anu tujuh siki, disuguhkeun

ka opat rebu urang, sabaraha bakul


sesana?” Wangsulna, “Tujuh bakul.”
21 Saur-Na deui, “Can ngarti keneh

bae?”
22 Satuluyna, Isa sumping ka kampung

Betsaida jeung murid-murid. Di dinya,


aya nu lolong, tuluy dideuheuskeun
ka Anjeunna, nyuhunkeun supaya
dipangrampakeun.
23 Ku Anjeunna dicepeng leungeunna,

ditungtun dicandak ka luareun kampung.


Terus panonna ku Anjeunna diludahan
bari dirampa, pok dipariksa, “Geus aya
nu katenjo?”
MARKUS 8.24–31 45
24 Nu lolong nyeueung ka hareup,
tuluy ngawangsul, “Ningal jalmi, rupina
keur leuleumpangan, mung katingalna
sapertos tatangkalan.”
25 Panonna ku Isa dirampa deui; bray

bae, ayeuna mah beunta enyaan,


tetenjoanana awas jeung cekas.
26 Ku Anjeunna dipiwarang balik, ngan

saur-Na, “Ulah ka kampung itu deui!”


27 Isa samurid-murid angkat ka

kampung-kampung saputereun tanah


Kesarea Pilipi. Di tengah jalan mariksa
ka murid-murid, saur-Na, “Ari cek jalma
rea, ieu Kami saha?”
28 Wangsulna, “Aya nu nyebatkeun Nabi

Yahya, aya nu nyebatkeun Nabi Elias,


aya oge anu nyebatkeun salah sawios
nabi.”
29 Anjeunna mariksa deui, “Ari

cek maraneh, Kami saha?” Petrus


ngawangsul, “Cek abdi mah, Al Masih!”
30 Murid-murid, ku Anjeunna, diomat-

omatan teu meunang rea carita saha


Anjeunna.
31 Geus kitu, Isa wawangsit ka

maranehna; saur-Na Putra Manusa teh


misti nandang sangsara anu pohara;
tur Anjeunna teh baris ditampik ku
MARKUS 8.32–37 46
parakokolot, ku imam-imam kapala,
jeung ku ahli-ahli Kitab; terus Anjeunna
teh bakal ditelasan, tapi bakal gugah
deui sanggeus tilu poe.
32 Sasaurana-Na teh, terang-terangan

pisan. Ku Petrus dikenyang ka sisi,


manehna mihatur maksudna ngemutan.
33 Tapi Anjeunna malik, ningali ka

murid-murid sejen, terus nyeuseul ka


Petrus, saur-Na, “Nyingkah, Iblis! Maneh
mikir teh lain kana pangersaning Allah,
tapi kana kahayang jelema!”
34 Ti dinya, jalma rea ku Anjeunna

dihiapkeun, kitu deui murid-murid, sina


kumpul, lajeng sasauran, “Saha-saha
anu arek ngiring Kami, kudu nyegah
kahayang napsuna, kudu manggul
salibna, sarta anut ka Kami.
35 Sabab saha-saha anu rek

nyalametkeun nyawana, bakal


kaleungitan nyawa; sabalikna, anu
kaleungitan nyawa demi Kami jeung
demi Injil, pinasti bakal salamet.
36 Naon gunana meunangkeun saalam

dunya, tapi nyawana leungit?


37 Naon anu bisa dipake gaganti

nyawana?
MARKUS 8.38–9.5 47
38 Sabab sing saha anu era ngaku
Kami sarta era kana pangajaran Kami
di kalangan umat kiwari anu teu satia
tur doraka; Putra Manusa oge kitu, — di
mana geus datang kalawan kamulyaan
Rama-Na bari diiring ku para malaikat
suci — bakal era ngaku ka jelema anu
kitu.”
1 Saur-Na deui, “Kalawan saenyana,

9 cek Kami ka maraneh: Di antara


anu ayeuna araya di dieu, aya anu
moal waka paeh samemeh nyaraksian
datangna Karajaan Allah anu dibarengan
ku kakawasaan.”
2 Heuleut genep poe, ti harita, Isa

unggah ka hiji gunung anu luhur.


Anjeunna nyandak Petrus, Yakobus
jeung Yahya. Di gunungna, ngan
aranjeunna bae. Dak dumadak, ku
maranehna katenjo Isa salin rupi;
3 panganggo-Na bodas gumebyar, di

dunya moal aya anu bisa nyieun bodas


kawas kitu.
4 Breh deui katembong aya Nabi Elias

jeung Nabi Musa, cacarios jeung Isa.


5 Pok, Petrus mihatur, “Rabi, kalintang

asa bagjana abdi-abdi di dieu teh. Abdi


bade mangdamelkeun saung, hiji kangge
MARKUS 9.6–12 48
Jungjunan, hiji kangge Nabi Musa, hiji
deui kangge Nabi Elias.”
6 Ngomongna asal ngomong bae,

pangpangna pikeun ngabangbalerkeun


kasieun.
7 Sabot kitu, aya mega anu ngiuhan ka

Aranjeunna. Tina eta mega aya sora,


“Nya ieu Putra Kami anu dipikanyaah.
Masing anut ka Anjeunna.”
8 Sabot maranehna tingtareuteup

keneh, teu kanyahoan deui yen geus teu


aya sasaha, iwal ti Isa nyalira.
9 Sabot marudun ti gunung, maranehna

ku Isa diwawantian sina ulah rea carita


tina hal papanggihanana tadi, samemeh
Putra Manusa gugah deui ti anu geus
maraot.
10 Pamundut Isa ku maranehna

disanggupan, bari terus nyoalkeun kecap


“gugah deui ti anu geus maraot” pada
batur.
11 Pok malihatur kieu, “Naon margina

ahli-ahli Kitab nyaurkeun yen Nabi Elias


kedah sumping ti heula?”
12 Waler Isa, “Enya, Nabi Elias baris

sumping ti heula, pikeun ngomean sakur


nu perlu. Tapi anu tumali jeung Putra
Manusa kumaha? Apan hal eta oge geus
MARKUS 9.13–18 49
aya tulisanana, yen Anjeunna bakal
nandang sangsara anu pohara sarta
dihinakeun.
13 Tapi, cek Kami ka maraneh:

Saenyana Nabi Elias teh geus sumping,


tapi jelema-jelema nyieun sakarep-
karep bae ka anjeunna teh; eta teh,
cocog, sakumaha anu geus dituliskeun
ngeunaan hal anjeunna.”
14 Sanggeus Isa sumping jeung muridna

anu tiluan tea, kasampak eta murid-


murid anu lianna keur digembrong ku
jalma rea; tur aya sababaraha urang ahli
Kitab anu keur nyual ka maranehna.
15 Jalma rea nenjo Anjeunna sumping

teh bangun bengong, terus buru-buru


marapagkeun.
16 Ku Anjeunna dipariksa, “Aya perkara

naon jeung itu?”


17 Pok nu saurang mihatur, “Guru, abdi

teh ngabantun pun anak ka dieu. Pun


anak teh diganggu ku roh jahat dugi ka
jadi pireu.
18 Unggal diganggu, pun anak teh dugi

ka tibabaranting, sungutna ngabudah,


huntuna tikekereket, sareng eta awakna
jeger. Parantos nyuhunkeun ka Tuang
MARKUS 9.19–24 50
murid, supados roh jahatna diusir,
nanging henteu tariasaeun.”
19 Saur Isa ka maranehna, “Beu,

maraneh teh umat anu teu boga iman!


Kudu sabaraha lilana Kami aya di
maraneh teh? Nepi ka mana Kami kudu
sabar ka maraneh? Bawa budakna ka
dieu!”
20 Tuluy eta budak teh, dibawa ka

Anjeunna. Barang roh jahatna nenjo


ka Isa, budak teh digubag-gabig terus
tibeubeut kana taneuh, ngagorentel,
jeung sungutna teh ngabudah.
21 Isa mariksa ka bapana, “Geus lila

kituna?” Wangsulna, “Ti aalit.


22 Sering pisan, pun anak teh, disered

kana seuneu atanapi ka cai bade


dibinasa. Kitu nu mawi, manawi Anjeun
iasa; abdi teh neda dipihawatos,
tulungan.”
23 Waler Isa, “Cek maneh mun Kami

bisa? Euweuh barang mustahil pikeun


anu percaya mah!”
24 Bapa budak gancang ngalengis,

“Kantenan, abdi percanten. Bilih bae


abdi teu percanten, nyuhunkeun
piwelas-Na bae!”
MARKUS 9.25–31 51
25 Barang ku Anjeunna katingali
jelema-jelema beuki loba anu ngangseg
ngadareukeutan; Anjeunna nimbalan ka
roh jahat tea, bengis pisan, saur-Na,
“Eh, roh jahat anu nyababkeun ieu
budak pireu jeung torek, ingkah maneh
ti eta budak; ulah ganggu-ganggu deui!”
26 Gancang eta roh jahat teh kaluar

bari ngoceak jeung ngagubag-gabig eta


budak nemen pisan. Katembongna, eta
budak teh, lir paeh bae; nepi ka cek
jelema-jelema teh, geus paeh.
27 Tuluy eta budak teh, ku Isa dicepeng

leungeunna, dihudangkeun; terus bae


manehna hudang sorangan.
28 Sanggeus Anjeunna ngan kari jeung

murid-murid bae di imah, murid-murid


haturan, “Naon margina abdi-abdi teu
tiasa ngusir eta roh?”
29 Waler Isa, “Bangsa kitu mah bisana

diusir ngan ku paneda.”


30 Isa katut murid-murid jengkar ti

dinya, ngalangkungan Galilea: Nya da


Anjeunna hoyong ulah kanyahoan ku
saha bae.
31 Sabab Anjeunna bade wawangsit

ka murid-murid. Kieu saur-Na, “Putra


Manusa teh, bakal diselehkeun
MARKUS 9.32–37 52
kana genggeman manusa; terus ku
maranehna Anjeunna bakal dipaehan;
tapi sanggeus tilu poe ti wates dipaehan,
Anjeunna baris hudang deui.”
32 Teu kaharti ku murid-murid mah

kasaurana-Na teh, tapi teu wani


naranyakeun.
33 Isa jeung murid-murid sumping ka

kota Kapernaum. Sanggeus araya di


bumi, Anjeunna mariksa ka murid-murid,
“Ngaromongkeun naon tadi di jalan?”
34 Murid-murid ngabaretem sabab tadi

teh, maranehna, cekcok marebutkeun


saha nu unggul di antara maranehna.
35 Gek, Anjeunna linggih, murid-murid

sina kumpul; terus Anjeunna sasauran,


“Anu hayang ti heula, kudu daek jadi
pangpandeurina jeung jadi pelayan
batur-batur.”
36 Tuluy Anjeunna nyandak hiji budak

leutik, ditangtungkeun di tengah; terus


eta budak, ku Anjeunna dirangkul.
Saurna ka murid-murid,
37 “Saha-saha bae anu nampa budak,

pantar ieu, demi Kami; eta teh nampa


Kami. Saha-saha nu nampa Kami, lain
nampa Kami; tapi nampi Anjeunna, nya
eta anu ngutus Kami tea.”
MARKUS 9.38–43 53
38 Pok, Yahya mihatur, “Pa Guru,
abdi-abdi kantos ningal aya jalmi anu
sanes ti barisan urang, nanging ngusir
setan kalayan nyebat Tuang jenengan.
Ku abdi-abdi, manehna, dicarek; da
sanes ti barisan urang tea.”
39 Saur Isa, “Ulah dicarek! Sabab moal

aya jelemana, anu tas nyieun mujijat


demi ngaran Kami terus ngagogoreng
Kami.
40 Anu ka urang henteu ngalawan mah,

tandaning aya di barisan urang.


41 Kami ngabejaan: Saenyana sing saha

anu mere nginum ka maneh, najan


ngan sacangkir, ku sabab nyahoeun yen
maneh panganut Al Masih; tinangtu
manehna meunang ganjaran.”
42 “Saha-saha anu ngalantarankeun

pecatna iman salah sahiji ti barudak


leutik anu percayana ka Kami kawas
ieu; leuwih hade, mun eta jelema
dibangbaluhan beuheungna ku batu
panggilingan, terus dibalangkeun ka
laut.
43 Jeung bisi bae, salah sahiji ti leungeun

nu maraneh tea ngalantarankeun


pecatna iman; teukteuk bae! Sabab
leuwih hade buntung, tapi maraneh
MARKUS 9.44–49 54
asup ka alam hirup; tinimbang leungeun
walagri, tapi maraneh dibalangkeun
ka naraka, kana seuneu nu teu
pareum-pareum tea
44 (di dinya mah, bilatungna teh, teu

paeh-paeh jeung seuneuna ge, teu


pareum-pareum.)
45 Bisi bae, salah sahiji ti suku nu

maraneh tea ngalantarankeun pecatna


iman; teukteuk bae! Sabab leuwih
hade pincang, tapi maraneh asup ka
alam hirup; ti batan suku walagri, tapi
maraneh dibalangkeun ka naraka
46 (di dinya mah, bilatungna teh, henteu

paeh-paeh jeung seuneuna ge, teu


pareum-pareum.)
47 Bisi bae, salah sahiji ti panon nu

maraneh ngalantarankeun pecatna


iman; cokel bae! Sabab leuwih hade
panon kences, tapi maraneh asup ka
Karajaan Allah; tinimbang ngabogaan
panon dua, tapi maraneh dibalangkeun
ka naraka,
48 anu bilatung bangkena teu paeh-paeh

jeung seuneuna ge teu pareum-pareum.


49 Sabab unggal-unggal jalma, bakal

diuyahan ku seuneu.
MARKUS 9.50–10.6 55
50 Uyah teh alus; tapi upama eta uyah
geus jadi tiis tawar, naon deui anu bisa
mulihkeun rasa asinna? Jadi, dina diri
maraneh teh kudu aya uyahna; jaba ti
eta, jeung pada batur, hirup teh, kudu
akur.”
1 Ti dinya, Isa jengkar deui ka

10 daerah Yudea jeung daerah


peuntaseun walungan Ciyordan. Di dinya
oge, loba pisan jelema nu daratang
ka Anjeunna sarta saperti biasana,
Anjeunna maparin piwuruk.
2 Urang-urang Parisi oge daratang;

maksudna, rek ngadoja ka Anjeunna,


nanya kieu, “Ari salaki meunang
nyerahkeun bojona?”
3 Tapi ku Anjeunna diwaler kieu,

“Parentah Nabi Musa ka aranjeun,


kumaha?”
4 Walonna, “Nabi Musa ngidinan

nyerahkeun, tapi kudu make surat


talak.”
5 Saur Isa, “Nabi Musa netepkeun eta

parentah ka aranjeun teh, lantaran


aranjeun baredegong.
6 Sabab barang mimiti alam dunya,

Allah ngadamel jelema lalaki jeung


awewe.
MARKUS 10.7–14 56
7 Ku sabab kitu, lalaki teh, kudu incah
ti indung bapa terus ngahiji jeung
pamajikanana;
8 nepi ka duanana ngajadi sadaging.
9 Kitu, nu matak naon-naon anu geus

dihijikeun ku Allah, ulah dipisahkeun ku


manusa.”
10 Sanggeus araya di bumi, murid-murid

mihatur ka Anjeunna, nanyakeun hal


ngeunaan lalaki jeung awewe tea.
11 Ari saur-Na, “Saha-saha anu

nyerahkeun pamajikanana, tuluy kawin


ka awewe sejen; imah-imah jeung
pamajikan anu ieu teh, lampah jinah.
12 Kitu deui, lamun awewe ninggalkeun

salakina, terus kawin ka lalaki sejen;


imah-imah jeung salakina nu ieu teh,
lampah jinah.”
13 Ti dinya, jul-jol anu

ngadareuheuskeun barudak leutik


ka Anjeunna, menta dipangrampakeun;
tapi ku murid-murid mah, maranehna
teh dicarekan.
14 Sanggeus kauninga ku Isa,

eta murid-murid-Na teh, diseuseul


Anjeunna, saur-Na, “Ingkeun, eta
barudak teh sina ka Kami ulah dihalang-
MARKUS 10.15–20 57
halang. Sabab jelema anu saperti eta
barudak, nu boga Karajaan Allah teh.
15 Cek Kami, ka maraneh: Saenyana

pisan, saha-saha anu henteu mapagkeun


Karajaan Allah lir budak leutik,
pamohalan asup ka dinya.”
16 Tuluy barudak teh, ku Anjeunna

dirangkul bari ditumpangan panangan


sarta diberkahan.
17 Waktu Isa nembe jengkar neraskeun

perjalanan, aya anu lumpat mendakan


Anjeunna; terus eta jelema deku
payuneuna-Na, pok mihatur, “Pa Guru
anu berbudi, abdi teh hoyong tinemu
sareng hirup anu langgeng, kedah
kumaha?”
18 Waler Isa, “Naha wet nyebut berbudi

ka Kami? Saurang ge teu aya anu


berbudi, anging Allah bae.
19 Anjeun oge tangtu nyaho parentah-

parentah Allah: Ulah maehan, ulah jinah,


ulah maling, ulah mere panaksen palsu,
ulah macikeuh hak batur, jeung kudu
hormat ka bapa ka indung!”
20 Eta jelema ngawangsul, pokna, “Pak

Guru, eta sadayana parantos dilakonan


ti ngongora.”
MARKUS 10.21–27 58
21 Tapi ku Isa diteuteup, semu nu
welas; pok, Anjeunna ngalahir, “Ngan
sarupa kurangna teh: Bral balik
heula, jual kabeh kakayaan, duitna
dermakeun ka nu mariskin, ambeh
anjeun meunangkeun banda sawarga;
terus anjeun balik deui ka dieu, ngiring
Kami.”
22 Meunang waleran kitu, eta jelema

mani melenguk; terus anjeunna mulang


bari jeung semu ngungun; da kacida
lobana, bandana teh.
23 Isa neuteup ka murid-murid-Na, nu

aya di sakuriling-Na; lajeng Anjeunna


ngalahir, “Hese pisan jelema jegud asup
ka Karajaan Allah teh.”
24 Murid-murid-Na, arolohok ngadenge

pilahir-Na teh. Tapi Anjeunna ngalahir


deui, “Barudak, kacida banggana nya
asup ka Karajaan Allah teh.
25 Babari keneh onta nyeplos kana liang

jarum, ti batan jelema jegud asup ka


Karajaan Allah.”
26 Murid-murid jadi gehger, ngaromong

pada baturna, “Lamun kitu, saha nu


baris salamet atuh?”
27 Sanggeus neuteup, Isa ngalahir ka

maranehna, “Cek manusa mah, eta teh


MARKUS 10.28–32 59
mustahil; tapi henteu, pikeun Allah mah.
Sagala rupa oge, pikeun Allah mah,
euweuh anu mustahil.”
28 Pok, Petrus mihatur, “Abdi-abdi

parantos cul naon-naon, teras ngiring ka


Jungjunan!”
29 Waler Isa, “Nah, cek Kami: Unggal-

unggal jelema anu cul imah-tangga, cul


dulur lalaki dulur awewe, cul indung cul
bapa, cul anak cul pakaya, demi Kami
jeung demi Injil,
30 ti ayeuna keneh, eta jelema bakal

nampa saratus tikel: Imah, dulur awewe


dulur lalaki, indung, anak, pakaya,
sanajan kituna teh bari teu luput
nandangan rupa-rupa panganiayaan;
kitu deui, dina jaman ka hareupna,
tinangtu bakal ginanjar hirup nu
langgeng.
31 Tapi anu geus ti hareula loba nu

bakal datang pangpandeurina; kitu


deui anu pangpandeurina, bakal jadi
pangheulana.”
32 Isa jeung murid-murid geus di tengah

jalan ka Yerusalem; ari Isa, angkatna,


di beulah hareup. Murid-murid ngarasa
honcewang, kitu deui nu sejen-sejenna
anu ngiring ka Anjeunna; maranehna
MARKUS 10.33–38 60
ge, pada ngarasa salempang. Isa nyaur
deui murid-murid, nyaurkeun nu bakal
tumiba kana salira-Na.
33 Saur-Na, “Ayeuna urang teh arek ka

Yerusalem. Di dinya, Putra Manusa bakal


diselehkeun ka imam-imam kapala jeung
ahli-ahli Kitab. Terus ku maranehna,
Anjeunna teh bakal diragragan hukum
paeh. Jaba ti eta, maranehna ge bakal
nyelehkeun Anjeunna ka bangsa anu teu
wawuh ka Allah.
34 Anjeunna oge bakal dipoyok, dihina,

dicariduhan, jeung dirangketan; geus


kitu, kakara Anjeunna teh dipaehan;
saterusna, sanggeus tilu poe ti harita,
Anjeunna bakal hudang deui.”
35 Ti dinya, Yakobus jeung Yahya,

anak Sebedeus tea, ngadeukeutan ka


Anjeunna terus mihatur, “Pa Guru, abdi
gaduh panuhun, mugi didangu.”
36 Waler-Na, “Aya kahayang naon?”
37 Pihaturna, “Widian, engke, abdi-abdi

dina kamulyaan Pa Guru sina diuk di


kiwaeun sareng di tengeneun.”
38 Tapi saur Isa, “Maraneh teu nyaho ka

nu dipenta. Sanggup maraneh nginum


lumur nu ku Kami kudu diinum? Sanggup
dibaptis ku baptisan anu diwajibkeun
MARKUS 10.39–45 61
ka Kami?” (“Nginum lumur” maksudna:
nandangan sangsara).
39 Maranehna ngajawab, “Sanggem.”

Saur Isa, “Puguh kitu tea mah, maraneh


memang bakal nginum lumur nu ku Kami
kudu diinum jeung dibaptis ku baptisan
anu diwajibkeun ka Kami.
40 Tapi hal tempat di kenca jeung

katuhueun Kami, Kami teu boga hak


ngidinan. Eta mah, rek dibikeunna ngan
ka jelema-jelema anu geus ditangtukeun
bae.”
41 Murid-murid, nu sapuluh urang deui,

jadi arambekkeun ka Yakobus jeung


Yahya.
42 Tapi ku Isa disauran, “Maraneh

nyaho, yen anu disarebut pamarentah


bangsa teh, marentah ka rayatna keras
pisan; kitu deui pembesar-pembesarna,
ka rayat teh kacida kerasna.
43 Maraneh jeung maraneh mah ulah

kitu. Sing saha nu hayang punjul kudu


laladen ka babaturan.
44 Sing saha nu hayang jadi pepentol,

kudu jadi gandek sarerea.


45 Sabab Putra Manusa oge, datang

teh, lain hayang dilalayanan; tapi seja


MARKUS 10.46–52 62
ngalalayanan jeung seja ngorbankeun
pati, pikeun nebus jalma rea.”
46 Isa jeung murid-murid-Na cunduk ka

kota Yeriko. Sanggeus kaluar ti Yeriko,


bari diiring ku murid-murid jeung jalma
rea sejenna, mendak jelema lolong anu
sok jajaluk; ngaranna Bartimeus, anak
Timeus; manehna teh keur andiprek sisi
jalan.
47 Sanggeus manehna nyahoeun yen

Isa, urang Nasaret tea, ngalangkung;


tuluy bae gera-gero, “Nun Isa, Putra
Daud, sing hawatos ka abdi!”
48 Dicarek oge ku nu rea anggur beuki

tarik gera-gerona, “Nun Putra Daud, sing


hawatos ka abdi!”
49 Anjeunna reg liren, saur-Na, “Sina

ka dieu!” Tuluy eta nu lolong teh disina


datang. Cek nu neangna, “Sing mantep
hate teh, hiap, itu Anjeunna nyaur.”
50 Sot jubahna, tuluy manehna

buru-buru nyampeurkeun ka Isa.


51 Ku Anjeunna dipariksa, “Hayang

dikumahakeun ku Kami teh?” Wangsulna,


“Rabuni (hartina: Guru), abdi teh hoyong
tiasa ningal!”
52 Saur Isa, “Heug, iman kapercayaan

maneh geus nulung!” Dadak sakala,


MARKUS 11.1–7 63
harita keneh, manehna bisa nenjo; tuluy
manehna milu ngiring Anjeunna.
1 Isa katut murid-murid-Na geus

11 cunduk ka hiji tempat deukeut


Betania jeung Betpage di suku Gunung
Jetun, teu jauh deui ti Yerusalem.
Anjeunna miwarang dua murid,
2 saur-Na, “Teruskeun ka kampung itu.

Sa-supna ka dinya, engke, maraneh


bakal manggih kalde keur dicangcang.
Eta kalde teh ngora keneh jeung can aya
anu numpakan.
3 Leupaskeun cangcangna, tuluy bawa

ka dieu. Lamun aya anu negor, bejakeun:


Diperlukeun ku Jungjunan, engke ge,
dipulangkeun deui.”
4 Dua murid arindit. Sa-supna ka dinya,

maranehna manggihan eta kalde keur


dicangcang di buruan hiji imah di sisi
jalan. Tuluy cangcangna diudaran ku
maranehna.
5 Jelema-jelema anu keur narangtung

di dinya, negor, “Rek dibawa ka mana?”


Ku nu duaan tea, dijawab sakumaha
papatah Isa.
6 Anu negor henteu ngoretkeun.
7 Terus eta kalde ditungtun, dibawa

ka Isa; — eta tonggong kalde teh


MARKUS 11.8–13 64
geus meunang nilaman ku baju
masing-masing — tuluy ku Anjeunna
ditunggangan.
8 Jelema-jelema, loba anu

ngalamparkeun papakeanana di jalan;


ari anu sawarehna deui, ngalamparkeun
dangdaunan anu saleger beunang ngala
ti tegalan.
9 Anu ngiring, beulah hareup jeung

beulah tukang ger cumeluk, “Hosana!


(hartina kira-kira: Dirgahayu). Wilujeng
Anu sumping ngemban jenengan
Pangeran!
10 Wilujeng karajaan karuhun urang,

karajaan Daud. Hosana di manggung!”


11 Isa lebet ka jero kota Yerusalem.

Terus Anjeunna lebet ka jero Bait Suci


bari rarat-reret mariksa kaayaanana.
Tapi ku sabab harita teh, geus burit; ti
dinya, Anjeunna kaluar deui, mulih-Na
ka Betania, diiring ku murid dua belas.
12 Poe isukna, sanggeusna Isa samurid-

murid-Na jengkar ti Betania, Anjeunna


teh lapar.
13 Ti kajauhan, Anjeunna ningali aya

tangkal kondang keur meujeuhna


gomplok daun. Lajeng dicaketan,
panggalihna, sugan ayaan. Tapi
MARKUS 11.14–18 65
Anjeunna teu mendak naon-naon, salian
ti daun wungkul. Sabab can usumna
buahan.
14 Pok, Anjeunna ngalahir ka eta

tangkal kondang, “Moal aya deui


jelema anu baris ngadahar buah maneh
sapapanjangna.” Ku murid-murid oge
sidik kadarenge.
15 Sasumpingna Isa jeung murid-murid

ka Yerusalem, langsung lebet ka Bait


Allah. Jelema-jelema anu keur jualmeuli
di emperna ku Anjeunna diusir.
16 Meja-meja tukang nalukeurkeun

duit jeung bangku-bangku tukang


japati, dibalik-balikkeun; anu sejenna ge
dilarang, nya eta teu meunang balawiri
bari ngakutan dagangan di emper Bait
Allah.
17 Terus Anjeunna ngawurukan, saur-

Na, “Lain nyaraho, yen kauni dina Kitab


Suci: Bait Kami bakal kaceluk tempat
sembahyang sagala bangsa? Naha ku
maraneh dijieun guha begal?”
18 Barang eta kajadian kauninga ku

imam-imam kapala jeung ahli-ahli


Kitab, aranjeunna badami hayang
ngabinasa ka Isa; bawaning ku risi sabab
MARKUS 11.19–25 66
aranjeunna ningali rayat, kabeh, katarik
ku pangajaran Anjeunna.
19 Barang geus meh peuting, Anjeunna

jeung murid-murid kaluar ti jero kota.


20 Isukna, isuk-isuk keneh, waktu Isa

jeung murid-murid ngalangkung ka urut


kamari, kasampak tangkal kondang teh
geus garing ka akar-akarna.
21 Pok, Petrus unjukan, — pedah

ingeteun keneh kana halna kamari —


“Rabi, tingali, tangkal kondang anu
kamari disapa teh dugi ka garing kitu.”
22 Anjeunna ngawaler, “Nu matak ge

sing percaya ka Allah.


23 Kami mere nyaho: Saenyana, saha

bae anu dina hatena boga kayakinan,


— henteu hamham, yen saucapna pasti
ngajadi — mun manehna nitah ka ieu
gunung sina ngeser terus ngagejebur ka
laut, pinasti tinekanan.
24 Ku sabab eta, Kami ngabejaan deui:

Naon bae anu ku maraneh dipenta


disambat ka Pangeran, asal percaya yen
saenyana mah ku maneh geus katarima,
tinangtu dipaparinkeun.
25 Jeung lamun arek sembahyang, bisi

boga kateungeunah ka batur, maraneh


kudu ngahampura heula manehna,
MARKUS 11.26–32 67
supaya kasalahan maraneh dihampura
ku Rama nu di sawarga.
26 Sabab mun maraneh taya hampura,

Rama maraneh nu di sawarga oge moal


kersaeun ngahampura dosa maraneh.”
27 Isa katut murid-murid-Na sumping

ka Yerusalem deui. Waktu Anjeunna keur


ngalangkung di palataran Bait Allah,
disalampeurkeun ku imam-imam kapala,
ahli-ahli Kitab jeung parakokolot.
28 Aranjeunna mariksa kieu, “Boga

hak naon Anjeun nyieun sarupa kitu?


Dikawasakeun ku saha Anjeun kikituan
teh?”
29 Ku Isa diwaler, “Kaula rek nanya

heula. Lamun kajawab, ku Kaula tangtu


disebut hak naon anu dipake ku Kaula:
30 Ari baptisan Nabi Yahya ti sawarga

atawa ti manusa?”
31 Aranjeunna tinggerendeng heula,

salaurna, “Disebutkeun asal ti sawarga,


tangtu ditanya ku naon teu dipercaya.
32 Tapi piraku kudu disebutkeun asal

ti manusa mah!” Teu warantuneun


nyebutkeun kitu mah, sieuneun ku rayat.
Sabab rayat mah, kabeh ge, nganggap
Yahya teh nabi.
MARKUS 11.33–12.5 68
33 Tungtungna, ngawalonna teh, “Duka
teuing!” Waler Isa, “Kaula ge moal
nerangkeun, make hak naon Kaula
nyieun hal-hal anu sarupa kitu.”
1 Lajeng Isa ngadawuh nganggo

12 misil, kieu, “Aya hiji jelema


muka kebon anggur, kebonna dipager
sakurilingna. Terus manehna nyieun bak
pameresanana jeung saung ranggon
pikeun tempat jaga. Sanggeus beres,
kebon teh, ku manehna disewakeun
ka sababaraha urang sina digarap; ari
manehna mah, bral bae nyaba ka nagara
sejen.
2 Barang geus meujeuhna panen,

manehna nitahan salah saurang


bujangna sina nagih sewaan bagi hasil
ka nu ngagararap kebonna tea.
3 Tapi si bujang teh bet dicarerek jeung

ditareunggeulan, tuluy diusir disina balik


lengoh.
4 Nu boga kebon nitahan saurang

bujang sejenna. Titahan nu ieu mah,


malah ditareunggeulan sirahna mani
balancunur, jaba disurakan diera-era,
jeung dinyenyeri.
5 Nu boga kebon nitahan saurang deui;

nu ieu ge, nya kitu; malah mah, nepi


MARKUS 12.6–11 69
ka dipaehanana pisan. Loba deui nu
dititahan teh, tapi kabeh oge ngan
ngadon diteunggeulan atawa dipaehan
pisan.
6 Ayeuna anu bisa dititah nagih teh kari

saurang, nya eta anak kameumeutna.


Nya ahirna mah, anakna ge kapaksa
dititah nagihan ka nu nyarewa kebon
tea; cek pikirna: Ku anak aing mah,
meureun sarieuneun.
7 Tapi nu nyarewa teh, anggur sakait rek

maraehan; pokna teh, ‘Kabeneran ieu


mah ahli warisna pisan; urang paehan
bae sakalian, warisanana keur urang.’
8 Tuluy anak nu boga kebon teh, ditewak

terus dipaehan; mayitna dibalangkeun


ka luareun kebon anggur.”
9 “Tah ayeuna,” dawuhan Jungjunan,

“kira-kirana nu boga kebon teh rek


kumaha? Tangtu datang mawa balad, nu
nyarewa kebon teh tangtu ditumpes. Ari
kebonna dipasrahkeun ka panggarap nu
sejen.
10 Naha maraneh acan maca nu kieu

unina: Batu nu geus dipiceun ku tukang


tembok teh, geus dijieun batu juru.
11 Kitu mungguhing Pangeran mah,

sedeng cek urang mah eta teh aneh.”


MARKUS 12.12–16 70
12 Sanggeus kitu, maranehna
nareangan akal, supaya Jungjunan bisa
ditangkep; lantaran karasaeun, yen eta
misil teh nyindiran aranjeunna. Tapi ku
lantaran risi ku jelema rea, tuluy bae
tinglaleos, ngantunkeun Jungjunan.
13 Aya deui urang Parisi jeung anggota

parteyna Raja Herodes anu diutus ka


Isa, sina mere sual pikeun nyiar-nyiar
kasalahan Jungjunan.
14 Sadatangna, pok naranya kieu,

“Guru, simkuring terang, Anjeun teh


jujur sareng henteu aya nu dipikasieun;
sabab Anjeun mah sanes pangarahan,
estu seja ngawulang perkara jalan-
jalanna hirup anu dipikarido ku
Pangeran. Hoyong terang: Ari urang
kedah mayar pajeg ka Prabu atanapi
henteu? Naha eta teh wajib atanapi
henteu?”
15 Tapi Isa uningaeun kana niat palsuna,

lajeng Anjeunna ngawaler, “Naha


aranjeun teh bet ngadoja ka Kami? Cik
mana duitna, Kami ngilikan.”
16 Song duitna teh, ku maranehna,

disanggakeun. Lajeng Isa mariksakeun,


“Gambar saha jeung ngaran saha anu
MARKUS 12.17–22 71
aya dina duit ieu teh?” “Gambar sareng
jenengan Prabu tea,” walonanana.
17 Dawuhan Isa, “Tah geuning! Ari

kagungan Prabu mah, atuh kudu


disanggakeun deui ka Prabu; kagungan
Allah kitu deuih, kudu ka Gusti Allah
disanggakeunana teh!” Meunang waleran
kitu teh, maranehna bati bengong nu
aya.
18 Geus kitu, jol deuih urang Saduki,

nya eta golongan anu teu percaya kana


poe kiamat, tuluy naros,
19 “Guru, parantos aya katangtosan ti

Nabi Musa kieu: Upama aya hiji jelema


nu boga dulur lalaki, heug manehna
maot ninggalkeun pamajikan bari teu
gaduh anak; si pamajikanana teh,
kedah dikawin ku nu jadi adina, supaya
lanceukna aya turunanana.
20 Cariosna, aya tujuh lalaki padudulur;

anu cikalna teh gaduh bojo; geletuk teh,


manehna maot bari teu gaduh anak.
21 Bojona ditikah ku adina. Nanging

adina oge maot deuih kalawan teu boga


anak. Teras ditikah ku nu katilu.
22 Nu katilu oge sami, kitu keneh. Kitu

sareng kitu bae saterasna teh, dugi


ka nu katujuh sadayana teu garaduh
MARKUS 12.23–27 72
turunan. Panungtunganana, awewena
oge maot deuih.
23 Dupi dina poe kiamat saparantos

maranehna harirup deui, jadi pamajikan


saha eta awewe teh? Margi parantos
kapibojo ku tujuhanana.”
24 Lajeng Isa ngawaler, “Sasab eta

pikiran aranjeun teh; ku lantaran


aranjeun can ngarti kana eusining Kitab
Suci jeung kana kakawasaan Gusti Allah.
25 Di alam kiamat mah, sanggeus nu

maraot harirup deui, jelema teh geus


moal nikah jeung moal ditikahkeun;
lantaran kaayaan hirupna, geus sarua
jeung kaayaan malaikat di sawarga.
26 Naha acan tarerang kitu, yen nu

maraot teh baris harirup deui? Kapan


aya dina kitab Nabi Musa basa anjeunna
ningali rungkun cucuk nu ngagedur
hurung. Harita Pangeran ngadawuh ka
anjeunna, ‘Kami teh Allah nu disembah
ku Ibrahim, Allah nu disembah ku Ishak,
jeung Allah nu disembah ku Yakub.’
27 Tetela atuh, yen Gusti Allah teh, Allah

nu disembah ku sakur jelema nu hirup,


lain Allah nu disembah ku jelema-jelema
nu geus paraeh. Naha pikiran aranjeun
teh nepi ka sasab kitu!”
MARKUS 12.28–33 73
28 Aya hiji ahli Toret anu milu
ngadengekeun sual jawab Isa jeung
urang Saduki. Ku manehna karasaeun,
yen waleran Isa teh keuna pisan. Tuluy
manehna tumaros kieu, “Dupi Hukum
Toret anu mana anu pangpentingna?”
29 Dawuhan Isa, “Hukum Toret anu

pangpentingna teh, nya eta: Regepkeun


he urang Israil. Allah nu disembah ku
urang teh, nya eta Nu Mahatunggal tea.
30 Maraneh teh kudu nyaah ka

Pangeran, — Allah nu disembah ku


maneh — masing tepi kana ati, parat
kana jiwa, sabudi akal, sarta satekah
polah.
31 Hukum anu kadua nya eta: Kudu

nyaah ka sasama saperti ka diri. Euweuh


deui hukum Toret anu leuwih penting
batan eta dua anu kasebut bieu.”
32 Ahli Toret unjukan deui, “Sae

pisan, leres pisan! Leres eta nu


didawuhkeun teh. Leres, Mantenna teh
Nu Mahatunggal tea; henteu aya deui nu
sanesna, iwal ti Mantenna.
33 Saleresna, nyaah ka Pangeran

teh kedah tepi kana ati, parat kana


jiwa, sabudi akal, satekah polah bari
dibarengan ku nyaah ka sasama saperti
MARKUS 12.34–38 74
ka diri; da nu kitu teh langkung utami
tibatan sagala rupi kurban, boh nu
mangrupi kurban nu diduruk boh kurban
nu dipeuncit.”
34 Isa tingali yen walonan eta ahli Kitab

teh pohara iklasna, lajeng ngadawuh,


“Anjeun teh teu jauh deui ti Karajaan
Allah!” Ti semet harita mah, henteu aya
saurang-urang acan anu wanieun deui
nyual ka Jungjunan.
35 Waktu keur ngawulang di Bait Allah,

Isa ngadawuh, “Naha kumaha ahli Toret


teh nepi ka nganggap yen Al Masih teh
Putra Daud.
36 Daud ku anjeun ku pituduh Ruh

Allah geus ngalahir kieu: Pangeran


parantos ngadawuh ka Jungjunan kaula
kieu: ‘Geura calik katuhueun Kami, nepi
ka musuh-musuh teh ku Kami dijieun
titincakan Anjeun.’
37 Ku sabab Daud ku anjeun nyebutna

teh Jungjunan, atuh mustahil anu


disebut Jungjunan teh putrana.” Balarea
anu ngadarengekeun piwulang-Na harita
ngarasa kacida katarikna ku piwulang
Anjeunna.
38 Salajengna Jungjunan maparin

nasehat, “Kade, sing ati-ati, di mana


MARKUS 12.39–43 75
maraneh nyanghareupan ahli-ahli Toret
anu gawena resep jalang-jeleng di
pasar marake jubah panjang ngarah
dihalormat;
39 jeung ari di tempat-tempat

pangibadahan, diukna teh di nu


panghareupna; di nu hajat-hajat ge nya
kitu, milihna teh tempat anu terhormat
bae.
40 Padahal maranehna teh, saenyana

mah, tukang ngarayah harta banda


randa-randa sarta kalakuanana teh
dipindingan ku do'a anu pararanjang.
Hukuman keur maranehna, pasti bakal
leuwih beurat.”
41 Hiji mangsa, Isa linggih mayunan

peti duit derma. Ti dinya, Anjeunna


ningalikeun pepetaan jelema-jelema anu
ngarasupan peti derma tea. Loba nu
galede ngasupanana teh, nya eta anu
baleunghar tea.
42 Teu lila, jol hiji randa miskin

ngasupkeun recehan tambaga dua.


43 Isa nyaur ka murid-murid-Na, lajeng

ngadawuh, “Cek Kami mah: Duit anu


diasupkeun ku randa nu bieu teh, leuwih
berharga batan ti nu sejen.
MARKUS 12.44–13.6 76
44 Sababna, nu lian-lianna mah,
marerena teh lantaran duitna geus
leuwih ti cukup. Ari nyi randa miskin tea
mah, memang ngan boga sakitu-kituna;
jadi, nu didermakeun teh, saayana tina
napakahna.”
1 Waktu Isa kaluar ti Bait Allah,

13 aya murid nu unjukan, “Guru


cobi itu tingali, adegan-adegan teh mani
sakitu agrengna, batu-batuna sakitu
tohagana.”
2 Isa ngawaler, “Kutan teh maneh

ngawas-ngawas ka adegan-adegan eta?


Kami rek ngabejaan ka maneh: Engke
mah, moal aya hiji batu anu bakal
tetep dina tempatna; kabeh oge bakal
diruntuhkeun.”
3 Waktu Isa nuju nyalira linggih di luhur

Gunung Jetun mayun ka Bait Allah,


Petrus, Yakobus, Yahya, jeung Andreas
nararos ka Anjeunna,
4 “Hoyong diwartosan, dupi anu tadi

disaurkeun teh, iraha bakal kajadianana


sareng naon cicirenna?”
5 Lajeng Isa ngadawuh kieu, “Maraneh

sing ati-ati, ulah nepi ka beunang katipu.


6 Rea nu bakal datang ngaku-ngaku

ngaran Kami, akon-akon: ‘Kami teh Al


MARKUS 13.7–11 77
Masih;’ sarta loba pisan anu bakal katipu
ku maranehanana.
7 Jeung deui, lamun maraneh ngadenge

geunjleungna peperangan atawa


ngadenge beja hal peperangan, teu kudu
reuwas-reuwas. Eta mah, kabeh oge,
memang geus kuduna kitu; tapi sanajan
kitu kaayaanana ge, acan nepi kana ahir
jaman mah.
8 Sabab bangsa-bangsa bakal silih

perangan, nya kitu keneh nagara jeung


nagara silih tarajang; jeung deui, di
sababaraha tempat bakal aya lini jeung
bahaya kalaparan. Eta kabeh, ngan ukur
kakara mimiti kasangsaraan, ngadago
jaman anyar.
9 Sing caringcing! Maraneh tangtu bakal

diserenkeun ka Majelis Agama sarta


bakal disiksa di jero tempat-tempat
pangibadahan. Jeung deui, maraneh ge
bakal diserenkeun ka para pangagung
jeung ka raja-raja ku lantaran Kami, nya
pikeun jadi saksi ka maranehna.
10 Sabab Injil teh, kudu ditepikeun ka

sakabeh bangsa-bangsa.
11 Jeung deui, lamun maraneh digiring

dijagragkeun ka pangadilan, teu kudu


bingung ku picaritaeun. Pokkeun bae
MARKUS 13.12–18 78
sakumaha kereteg hate dina waktu
harita. Sabab anu bakal cacarita teh lain
maraneh, tapi Ruh Allah.
12 Dulur jeung dulur bakal silih

dakwakeun, supaya dipaehan; nya kitu


oge, bapa ka anak. Nu jaradi anak bakal
ngabarontak ka nu jadi kolotna, malah
nepi ka wani maehan pisan.
13 Maraneh bakal dipikageuleuh ku

sarerea tina lantaran Kami. Tapi ari anu


tarahan uji nepi ka panungtungan mah,
bakal salamet.”
14 “Samangsa maraneh nyaraksian kana

kajadian Musibat nu matak ngerik tea tur


kajadianana teh lain di nu samistina (ieu
mugi diperhatoskeun ku para maos),
nu keur araya di tanah Yudea kudu
nyaringkah ngungsi ka pagunungan.
15 Sing saha nu harita aya di loteng

imahna, poma ulah asup heula ka imah


nyokot bawaeun;
16 anu keur aya di huma, ulah make

balik heula pikeun nyokot papakean.


17 Tada teuing bae sangsarana sakur

anu keur kakandungan atawa anu keur


orokan.
18 Kudu neneda ka Allah, supaya

kajadianana teh ulah dina usum tiris.


MARKUS 13.19–24 79
19 Sabab nya harita, datangna
katunggaraan nu panghebat-hebatna
teh. Sabab ti barang langit jeung bumi
diciptakeun ku Gusti Allah, musibat
kawas kitu mah, kakara harita ayana
teh; ka hareupna ge moal aya deui.
20 Lamun heug ku Gusti Allah waktuna

teu dikurangan, pasti moal aya anu


bisa lolos. Tapi demi jelema-jelema nu
geus kapilih ku Mantenna, musibat teh
waktuna bakal disingget.
21 Lamun dina waktu harita, aya nu

ngomong ka maraneh, ‘Tah ieu Al Masih


teh,’ atawa ‘Tuh itu Al Masih teh,’ poma
ulah dipercaya!
22 Sababna, dina waktu eta teh bakal

maruncul boh al masih-al masih palsu,


boh nabi-nabi palsu; maranehna ge
bakal ngayakeun tanda-tanda aheng.
Maksudna mah, teu aya lian, iwal ti mun
bisa mah rek nyasabkeun jalma-jalma
anu geus kapilih ku Gusti Allah tea.
23 Jadi, maraneh kudu awas jeung

waspada! Maraneh geus dipepelingan ku


Kami ti samemehna keneh.”
24 “Sanggeus katunggaraan tea liwat,

panonpoe moal cahayaan jeung bulan


oge moal caang;
MARKUS 13.25–30 80
25 bentang-bentang bakal ragragan ti
langit; kakuatan-kakuatan nu ngatur
sagala nu aya di langit bakal genjlong.
26 Nya harita pisan, jelema-jelema

bakal nyaksian rawuh-Na Putra Manusa


dina mega pinuh ku kakawasaan jeung
kamulyaan.
27 Lajeng Putra Manusa teh baris

nimbalan para malaikat, supaya


ngumpulkeun sakur anu geus kapilih
tea, — nu ti kaler, ti kidul, ti wetan,
jeung ti kulon — ti tungtung bumi nepi
ka tungtung deui.
28 Geura ngareunteung kana kaayaan

tangkal kondang. Lamun dahanna geus


mimiti ngandung cai jeung geus mimiti
sirungan; eta geus teu bireuk deui,
tandaning geus deukeut kana halodo.
29 Tah, nya kitu keneh, lamun engke

maraneh nyaksian kajadian-kajadian


anu ka sebut tadi tea. Eta teh, nyirikeun
yen waktuna enggeus deukeut, geus
nampeu pisan!
30 Kami ngabejaan ka maraneh:

Jelema-jelema nu hirup kiwari moal


waka tumpur samemeh naon nu kasebut
bieu kajadian.
MARKUS 13.31–36 81
31 Langit jeung bumi bakal euweuh, tapi
ucap-ucapan Kami mah moal.
32 Tapi ari iraha-irahana mah, boh

poena, boh waktuna moal aya anu


nyaho; dalah para malaikat anu di
sawarga henteu tarerangeun; kitu keneh
Putra Manusa; anging Allah, Rama, anu
uninga.”
33 “Masing nyaring jeung caringcing!

Sabab maraneh, moal nyaho iraha


waktuna.
34 Hal eta sarua bae jeung anu

rek nyaba jauh. Kapan samemeh


ninggalkeun imah teh, tangtu manehna
metakeun heula bujang-bujangna pikeun
tugasna masing-masing. Purah jaga
panto ge kitu, diparentahkeun supaya
enya-enya ngajagana teh.
35 Ku sabab eta, maraneh oge kudu

enya-enya caringcing teh; sabab


maraneh teh moal nyaho kana
pibalikeunana nu boga imah, naha sore,
naha tengah peuting, janari, atawa
subuh.
36 Supaya dina waktu nu boga imah

datang, maraneh ulah nepi ka kasampak


keur sarare.
MARKUS 13.37–14.5 82
37 Ieu anu ku Kami dibejakeun ka
maraneh teh, keur ka sarerea oge.
Kabeh kudu nyaring jeung caringcing!”
1 Pidua poeeun deui kana Hari

14 Raya Paska jeung Pesta Roti


teu diragian, imam-imam kapala jeung
ahli-ahli Toret nyiar akal, sangkan bisa
newak jeung nelasan Isa ku tipu daya.
2 Cek maranehna, “Alusna mah,

dilampahkeunana teh ulah dina waktu


perayaan, bisi rayat jadi heboh.”
3 Hiji mangsa, Isa aya di wewengkon

Betani, di imahna ki Simon Kusta. Waktu


Anjeunna nuju tuang, jol aya awewe
ngadeuheusan; eta awewe teh mawa
minyak seungit, sapeles, nu kacida
mahalna. Sanggeus cocokna dibuka,
tuluy dikocrot-kocrot ka Isa, kana
rambut-Na.
4 Ti antara nu araya di dinya, aya

sababaraha urang nu ngarasa keuheul;


maranehna tinggerendeng pada batur,
pokna, “Nanaonan minyak seungit
samahal-mahal bet dihambur-hambur
kitu;
5 mun dijual mah, bisa payu kana leuwih

ti tilu ratus dinar; duitna, meureun bisa


MARKUS 14.6–10 83
dipake nulung pakir miskin.” Si awewe
teh pada ngagalendengan.
6 Tapi Isa ngalahir kieu, “Ari maraneh

bet aropenan teuing. Keun bae, da eta


teh keur nembongkeun kahadean ka
Kami.
7 Ari pakir miskin mah, salawasna ge,

aya bae dina hirup kumbuh teh. Ari


enya-enya maraneh niat mere mah,
iraha-iraha ge bisa. Sedengkeun Kami
mah, moal salawasna babarengan jeung
maraneh teh.
8 Manehna nepi ka bisa migawe kieu

teh, estuning geus sabisa-bisa. Awak


Kami ku manehna diseungitan, ieu teh
mere tanda yen Kami moal lila deui oge
dimakamkeun.
9 Rek dijelaskeun bae ku Kami:

Engke, di mana bae Injil diwawarkeun,


lampahna ieu awewe teh tangtu milu
kasebut-sebut; manehna baris tetep
kapieling.”
10 Ti dinya, Yudas Iskariot, salah

saurang murid nu dua belas tea,


ngaleos; manehna indit teh, pikeun
nepungan para imam-imam kapala tea,
nya eta rek nyelehkeun Isa.
MARKUS 14.11–16 84
11 Ngadenge Yudas nyanggupan
kitu, imam-imam kapala teh pohara
aratoheunana, nepi ka jarangji rek mere
duit. Ti harita, Yudas teh henteu weleh
neangan kasempetan rek nyelehkeun
Isa tea.
12 Dina poe Hari Raya Roti teu diragian

anu kahiji, nya eta waktuna meuncit


domba Paska, murid-murid arunjukan,
“Dupi kangge Jamuan Paska teh palay di
mana disayagikeunana?”
13 Lajeng Isa ngutus murid, duaan.

Dawuhana-Na, “Maraneh kudu ka kota.


Engke, di ditu, tangtu tepung jeung hiji
lalaki nu mawa kendi cai. Ku maraneh
tuturkeun, nepi ka asup ka imahna.
14 Bejakeun kieu ka nu boga imah,

‘Kawiatan saur ku Ama Guru, saur-Na:


Kamar mana pikeun Kami ngariung
Jamuan Paska jeung murid-murid teh?’
15 Engke, ku manehna dituduhan hiji

kamar gede di loteng. Parabot pikeun


kaperluan Jamuan Paska ge, geus
lengkep sadia. Pek sayagikeun di dinya
sagala kaperluan keur urang teh.”
16 Bral, murid nu duaan teh, arindit.

Barang nepi ka kota, sakur nu tadi


didawuhkeun ku Isa teh cocog jeung
MARKUS 14.17–22 85
buktina. Atuh tuluy bae maranehanana
nyayagikeun pikeun tuang kangge Hari
Raya Paska tea.
17 Peutingna, Isa katut dua belas

murid-murid sumping.
18 Waktu ngariung dalahar, Isa

ngadawuh kieu, “Ku Kami teh aya nu rek


diwakcakeun ka maraneh: Salah saurang
ti antara maraneh teh, aya nu boga niat
nyelehkeun Kami; jelemana ge, ayeuna
aya di dieu, milu ngariung.”
19 Atuh murid-murid teh kacida

naralangsana. Pok arunjukan ka


Jungjunanna, “Naha abdi kitu?”
20 Isa ngawaler, “Salah saurang ti

maraneh anu dua belas tea, nya eta anu


engke bareng jeung Kami nyocolkeun
roti kana pinggan.
21 Memang bener, da geus kuduna,

Putra Manusa teh nyorang jalan


sakumaha nu geus dituliskeun dina
Kitab Suci; tapi kacida cilakana eta nu
hianatna teh. Pikeun manehna mah,
saenyana, mending oge teu kungsi gelar
ka dunya.”
22 Sabot dalahar, Isa nyandak roti.

Saparantos muji sukur, eta roti ku


Anjeunna disemplekan, dibagikeun ka
MARKUS 14.23–27 86
murid-murid-Na bari ngadawuh kieu,
“Tampanan, ieu teh daging Kami.”
23 Geus kitu, Anjeunna nyandak lumur

anggur. Saparantos ngucap sukur, eta


lumur ku Anjeunna diasongkeun ka
murid-murid-Na; rot, sarerea gentenan
ngarinum.
24 Anjeunna ngadawuh deui, “Ieu teh

getih Kami anu geus dipastikeun kudu


ngucur keur mangpa'at jalma rea sarta
keur tanda bukti ngukuhkeun jangji
Pangeran.
25 Jeung Kami ngabejaan, yen ti semet

ieu, Kami teh moal rek nginum-nginum


deui ci anggur anu kieu mah. Nu ku
Kami rek diinum engke mah di Karajaan
Allah nya eta anggur anyar, lamun geus
cunduk waktuna.”
26 Sanggeusna ngalagukeun hiji

pupujian, Isa jeung murid-murid


budalan, tuluy ngajugjug ka hiji gunung
nu katelah Gunung Jetun.
27 Lajeng Isa ngadawuh ka murid-murid,

“Engke, iman kapercayaan maraneh


ka Kami, tangtu kaganggu; sabab dina
Kitab aya dawuhan Allah anu kieu,
‘Sang Pangangon teh bakal ditelasan ku
MARKUS 14.28–33 87
Pangeran, ari domba-dombana bakal
pabalencar.’
28 Tapi engke, sanggeus Kami

dihirupkeun deui ku Pangeran, Kami


bakal indit ka tanah Galilea miheulaan
maraneh.”
29 Pok, Petrus unjukan, “Sanaos anu

sanes-sanes goncang imanna, abdi mah


moal dugi ka kitu.”
30 Diwaler ku Isa, “Terus terang bae

Kami mah: Peuting ieu keneh pisan,


memeh hayam kongkorongok dua kali,
maneh teh tilu kali ngangles ngaku teu
wawuh ka Kami.”
31 Tapi Petrus keukeuh ngabantah,

walonna, “Najan dongkap ka kedah paeh


bareng sareng Anjeun oge, moal; abdi
mah, moal dugi ka ngangles ka Anjeun
teh.” Murid-murid nu lianna oge, kitu
deuih ngaromongna teh.
32 Ti dinya, Isa samurid-murid sumping

ka hiji tempat nu ngaranna Getsemane.


Anjeunna ngadawuh ka murid-murid,
“Sabot Kami neneda, maraneh tunggu di
dieu.”
33 Tapi Petrus, Yakobus, jeung Yahya

mah dicandak sina nyarengan. Harita,


MARKUS 14.34–38 88
Anjeunna teh ngaraos pohara sieunna
sareng keueungna.
34 Lajeng ngadawuh, “Kami teh asa

ku nalangsa-nalangsa teuing, mani asa


geus deukeut ka ajal rarasaan teh.
Tungguan ku maraneh di dieu bari
karemit.”
35 Isa majeng saeutik deui, lajeng bluk

bae nyuuh kana taneuh sasambat ka


Pangeran, mundut supados ulah dugi
ka kedah nyorang waktu sangsara anu
sakitu hebatna.
36 Kieu panyambat-Na: “Nun Allah,

Rama; upami tiasa mah, — da


dipayuneun Ama teu aya barang anu
mustahil — mugi Ama kersa nyandak
ieu lumur kasangsaraan, sing tebih ti
abdi. Nanging teu pisan-pisan bade
ngalalangkungan, mung pangersa Ama
anu kedah laksana!”
37 Ti dinya, Anjeunna neang murid anu

tiluan. Kasampak tiluanana keur sarare.


Anjeunna ngadawuh ka Petrus, “Simon!
Sare maneh teh? Mani henteu sanggup
nyaring sajam-jam acan?
38 Nyararing atuh bari neneda, supaya

ulah keuna ku cocoba; ari kahayang


MARKUS 14.39–43 89
mah gede maneh teh, ngan badan nu
kawalahan.”
39 Ti dinya, Anjeunna angkat deui ka

tempat neneda nu tadi. Paneda-Na sami


cara tadi keneh.
40 Ana ku Anjeunna diteang deui teh,

kasampak geus tinglalenggut bae,


awahing teu kuat nahan pitunduheun.
Atuh dipariksa teh teu ngajawab
naon-naon.
41 Katilu kalina Anjeunna neang, lajeng

ngalahir, “Rek jarongjon sarare bae


maraneh teh? Meujeuhna atuh ayeuna
mah harudang. Waktuna geus cunduk.
Saksian ku maraneh, Putra Manusa teh
bakal diselehkeun kana genggeman
jelema-jelema jahat.
42 Geura harudang, urang ingkah ti

dieu. Tuh, nu hianat ka Kami geus


datang.”
43 Nembe oge tutup Jungjunan

nyariosna; torojol bae, Yudas, salah


saurang murid Isa anu dua welas tea,
datang. Manehna mawa sarombongan
jelema, — titahan imam-imam kapala,
ahli-ahli Kitab, jeung Sesepuh-sesepuh
tea — anu marawa pedang jeung
pepentung.
MARKUS 14.44–51 90
44 Si penghianat teh, ka gorombolanana,
geus mere isarat kieu, “Anu kudu
ditangkep jeung diboyong ku urang teh,
nya eta Jelema nu ku kuring dirangkul.”
45 Barang nepi ka dinya, manehna

nyirilik nyampeurkeun Anjeunna.


“Mama Guru!” Pokna teh, bari seug Isa
dirangkul.
46 Kerewek Jungjunan ditangkep pada

nyerek.
47 Salah saurang murid Jungjunan

anu aya di dinya, mesat pedang; tuluy


keplas, pedangna nigas ceuli gandekna
Imam Agung nepi ka rampung.
48 Isa ngadawuh ka nu rek narangkep,

“Na Kami teh rampog kitu, nepi ka


dibawakeun pedang jeung pepentung?
49 Padahal, unggal poe oge, Kami teh

aya bae di maraneh. Kapan sok kutbah di


Bait Allah! Geuning Kami tara digaranggu
ku maraneh. Heug bae; sabab ungelna
Kitab Suci mah kudu bukti.”
50 Ari murid-murid-Na mah pada

kalabur, naringgalkeun Anjeunna.


51 Harita teh, aya budak ngora anu

nuturkeun ka Anjeunna, ngan ukur make


kaen lenden salapis anu diharudumkeun.
MARKUS 14.52–58 91
52 Barang rek ditangkep, porosot,
harudumna diporosotkeun; ari manehna
nerejel, tuluy kabur bari sataranjang.
53 Ti dinya, Isa digiring ka Imam Agung.

Imam-imam kapala, Sesepuh-sesepuh,


jeung ahli Kitab kabeh geus karumpul di
dinya.
54 Ari Petrus nuturkeuna-Na ti kajauhan

bae, nepi ka pakarangan Imam Agung.


Gek, manehna milu diuk, ngariung jeung
pangawal-pangawal milu siduru.
55 Imam-imam kapala, malah

Mahkamah Agama pisan, pada neangan


akal pikeun ngabuktikeun kalepatan
Isa, supaya Anjeunna bisa ditibanan
hukuman pati; tapi weleh henteu
manggih.
56 Ari saksi-saksi palsu mah, loba;

maranehna teh, nyoba-nyoba ngadakwa


Anjeunna; tapi dakwaanana, hiji oge,
euweuh anu cocog.
57 Srog, aya nu maju sababaraha saksi

palsu. Dakwaanana kieu,


58 “Abdi-abdi kantos nguping, yen ieu

jelema teh kungsi susumbar kieu: Ieu


Bait Suci nu beunang nyieun jelema tea,
ku Kami teh rek diruntuhkeun sarta di
MARKUS 14.59–64 92
jero tilu poe, Kami rek ngadegkeun Bait
Suci anyar anu lain bubuatan manusa.”
59 Tapi dakwaan maranehna oge, kawas

ti heula-heula bae, nya eta euweuh


kasaluyuanana.
60 Neut Imam Agung ngadeg, lajeng

mariksa ka Jungjunan, “Kumaha, eta


dakwaan-dakwaan teh rek dijawab
atawa moal?”
61 Tapi Isa mindel, teu kersa ngawaler.

Pok, eta Imam Agung mariksa deui,


“Ari Maneh teh enya Al Masih, Putra Nu
Agung?”
62 Waler Isa, “Leres. Engke tangtu

kasaksian ku anjeun, Putra Manusa teh


calik di tengeneun nu Maha Kawasa sarta
baris sumping deui medal tina mega di
langit.”
63 Wek bae, Imam Agung teh,

nyoehkeun anggoanana; lajeng ngalahir,


“Keur naon make saksi sagala ayeuna
mah?
64 Tah bieu kadarangu, ieu jelema teh

sakitu ngahinana ka Gusti Allah! Kumaha


timbangan para saderek sadaya?”
Dewan Pangadilan sapamendak: “Isa
kudu di hukum mati.”
MARKUS 14.65–70 93
65 Geus kitu mah, Anjeunna teh pada
nyariduhan. Aya oge anu nungkup
kana socana bari nonjok, tuluy nanya,
“Lamun enya nabi, teguh, saha yeuh anu
neunggeul?” Ka pangawal-pangawal ge
pipilueun, nareunggeulan ka Anjeunna
teh.
66 Harita, Petrus ge aya di dinya, di

pakarangan ruang sidang. Teu lila, aya


awewe kaluar, pagawena Imam Agung
tea.
67 Katenjoeun ku manehna, Petrus

keur siduru. Bari neges-neges beungeut


Petrus, pok ngomong, “Anjeun oge sok
mimilu bae ka Isa urang Nasaret tea.”
68 Tapi Petrus mungkir, pokna,

“Kumaha? Asa teu kaharti ngomong


teh!” Ngajawabna teh bari ngaleos ka
emper.
69 Di dieu ge, katenjoeun deui bae ku

awewe nu bieu teh. Tuluy eta awewe


teh, ngomong ka nu araya di dinya, “Tah,
jelema eta teh murid Isa!”
70 Petrus mungkir deui bae. Teu lila,

nu lian-lianna oge ngomong ka Petrus,


pokna, “Moal salah anjeun oge batur-Na,
da sidik urang Galilea!”
MARKUS 14.71–15.4 94
71 Ayeuna mah, Petrus teh nepi ka
susumpahan mungkirna teh, pokna,
“Demi Allah. Teu wawuh, ceuk kuring ge,
teu wawuh ka eta Jelema teh!”
72 Tutup Petrus ngomongna, kadenge

hayam kongkorongok deui, kadua kalina.


Ras bae, Petrus inget kana dawuhan Isa,
“Samemeh hayam kongkorongok dua
kali, maneh geus tilu kali mungkir, ngaku
teu wawuh ka Kami.” Ti dinya mah,
segruk bae, Petrus ceurik ngagukguk
bawaning ku nalangsa.
1 Isuk-isuk keneh pisan, imam-

15 imam kapala, Sesepuh-sesepuh,


ahli-ahli Kitab, jeung sakumna anggota
Mahkamah Agama geus buleud
mupakatna. Tuluy Isa dirante, dibawa
pikeun dipasrahkeun ka Gupernur
Pilatus.
2 Pilatus mariksa ka Jungjunan, “Anjeun

teh raja urang Yahudi?” Waler Jungjunan,


“Sakumaha kasauran anjeun.”
3 Eta imam-imam kapala ge,

ngadakwakeun Anjeunna; panudingna


teh mani rupa-rupa pisan.
4 Pilatus mariksa deui ka Isa, “Kumaha,

bade ngabantah? Rea pisan tudinganana


ka Anjeun!”
MARKUS 15.5–13 95
5 Isa tetep mindel, — teu kersa ngawaler
deui — nepi ka Gupernur ngaraos heran.
6 Jaman eta geus biasa, unggal-unggal

Hari Raya Paska sok aya sakitan anu


dibebaskeun, nu mana bae nurutkeun
usulan rayat.
7 Harita, di jero panjara aya sakitan

pemberontak, ngaranna Barabas;


dibuina bareng jeung pemberontak-
pemberontak sejenna anu milu barontak
sarta geus maehan jelema.
8 Harita, rayat geus mimiti meredih,

supaya eta kabiasaan teh dijalankeun.


9 Waler Pilatus, “Maraneh teh rek menta

ieu, Raja urang Yahudi, supaya bebas?”


10 Ku anjeunna ge geus kauninga, naon

sababna pangna imam-imam kapala


nepi ka nyerenkeun Isa ka anjeunna teh.
Lantaranana mah, taya lian, nya eta sirik
jeung dengki.
11 Tapi rayat geus diojok-ojok ku

maranehna teh, nya eta sina milih


Barabas tea.
12 Sakali deui Pilatus mariksa ka rayat,

“Ari ieu, anu ku maraneh disebut Raja


urang Yahudi, kumaha?”
13 Rayat tingcorowok, “Hukum!

Gantung!”
MARKUS 15.14–21 96
14 Pilatus mariksa deui, “Tapi naon
kajahatana-Na?” Rayat beuki tarik
tingcorowokna, “Gantung, hukum
gantung!”
15 Pilatus nedunan pamenta rayat,

supaya rayat sugema. Geus kitu,


Barabas dibebaskeun; ari Isa, sanggeus
ku anjeunna dihukum rangket, tuluy
diserenkeun sina disalib.
16 Geus kitu Isa digiring ku serdadu-

serdadu ka istana Gupernuran, tempat


pangadilan. Anggota pasukan sina
kumpul kabeh ka dinya.
17 Isa ku serdadu-serdadu dianggoan

jubah wungu, terus diterapan


mamakutaan tina cucuk.
18 Ti dinya serdadu-serdadu teh

pura-pura ngahormat, “Salam ka Raja


urang Yahudi!”
19 Geus kitu buk-bek nareunggeulan ku

panggebug kana mastaka-Na, bari jeung


nyariduhan. Tuluy pura-pura darareku,
nyarembah.
20 Ti dinya, Isa dibawa ka luar rek

disalibkeun.
21 Sabot kitu, lar aya jelema ngaliwat

anu kakara datang ti luar kota; eta


jelema teh ngaranna Simon, urang
MARKUS 15.22–29 97
Kirena, bapana Alexander jeung
Rupus. Tuluy manehna dipaksa sina
mangmanggulkeun tihang salib Isa.
22 Geus kitu, kebat, Anjeunna dibawa ka

hiji tempat anu ngaran Golgota (hartina:


Tempat Tangkorek).
23 Sanggeus nepi, Jungjunan diasongan

anggur nu dicampuran ku emur sina


dileueut, tapi ku Isa ditolak.
24 Tuluy Anjeunna teh dipaku kana

tihang salib. Anggoana-Na dilotrekeun


dibagi-bagi.
25 Isa disalib teh, pukul salapan.
26 Pangdakwa anu netelakeun

kalepatana-Na, — pangna nepi ka disalib


— dijieun merek dipasang dina salib-Na,
unina: “Raja urang Yahudi.”
27 Aya duaan deui nu digantung

bareng jeung Anjeunna teh; duanana


rampog, saurang tengeneun, saurang
kiwaeuna-Na.
28 [Nya harita ngabuktina ayat Kitab

Suci anu unina kieu: “Anjeunna


disaruakeun jeung panjahat.”]
29 Jelema-jelema anu lalar liwat,

tingtaruding bari gogodeg, “Geuning


Maneh teh, anu majar rek ngaruag
MARKUS 15.30–35 98
Bait Suci tea bari sasanggupanan rek
ngadegkeunana deui di jero tilu poe!
30 Turun atuh tina panggantungan,

bebaskeun diri teh!”


31 Imam-imam kapala jeung ahli-ahli

Kitab oge ngararejek deuih jeung pada


saihwanna, “Ari ka batur bisa tutulung;
ari ka diri-Na sorangan mah, teu bisa
nanaon.
32 Keun, eta Al Masih, raja urang Yahudi

teh sina turun tina panggantungan,


supaya katenjo ku urang, meureun
urang teh percaya.” Malah panjahat nu
bareng digantung tea ge, make pipilueun
deuih, ngajejeleh ka Anjeunna teh.
33 Barang geus tengah poe, sakuliah

wewengkon eta reup bae jadi poek


ngadak-ngadak; lilana ti pukul dua belas
nepi ka pukul tilu.
34 Dina pukul tilu, Isa ngajerit,

sasambat, “Eloi, Eloi, lama sabakhtani?”


Hartina: “Ya Allah, Jungjunan Simabdi,
ku naon Abdi teh dikantun kieu?”
35 Sababaraha jelema anu keur

narangtung di dinya, anu ngadenge


sasambat-Na, ngaromong kieu, “Tah
dengekeun, keur nyambat Nabi Elias!”
MARKUS 15.36–41 99
36 Aya nu gura-giru nyokot sepon
dianclomkeun kana anggur beunang
ngahaseuman, sanggeus ditiir ku
tuturus, tuluy disodorkeun kana
lambey Jungjunan sina diseuseup, bari
ngomong, “Keun, hayang nyaho enya
henteuna Nabi Elias sumping nurunkeun
Manehna tina panggantungana-Na!”
37 Isa ngajerit sakali deui, lajeng

masrahkeun nyawa-Na.
38 Sawaktu jeung eta, berewek, reregan

Bait Suci soeh dadak sakala, bedah ti


luhur ka handap.
39 Komandan pasukan pangawal, anu

nangtungna hareupeun tihang salib, pok


bae ngucap, “Tetela, ieu Jelema teh,
Putra Allah!”
40 Rada anggang ti dinya, aya

sababaraha wanita. Eta para wanita


teh, di antarana, Maryam Magdalena,
Siti Maryam — ibu rai-rai Isa nu ngaran
Yakobus jeung Yoses — sarta Salome.
41 Eta wanita-wanita, kabeh ge,

jelema-jelema anu sok mimilu jeung


ngabantu ka Isa, keur Anjeunna aya di
Galilea. Rea deui wanita-wanita sejenna
ti Yerusalem, anu daratangna ka dinya,
sawaktu reujeung Isa.
MARKUS 15.42–46 100
42 Wanci geus sareupna, aya nu
sumping, jenenganana Yusup urang
Arimatea. Anjeunna teh, anggota
terhormat ti Mahkamah Agama, anu
sami nganti-nganti ngadegna Karajaan
Allah. Poe eta teh, poe Panyadiaan;
hartina, sapoe memeh poe Sabat.
43 Ku sabab eta, kalayan teuneung

ludeung anjeunna ngadeuheus ka


Gupernur Pilatus pikeun mundut layon
Isa.
44 Diwartosan Isa parantos pupus

teh, Gupernur dugi ka ngarenjag


heran; lajeng anjeunna manggil Kapala
Pasukan, mariksakeun enya henteuna
Isa geus pupus.
45 Sanggeus kenging katerangan ti

Kapala Pasukan, Yusup ku anjeun


diwidian nyandak layon.
46 Yusup teh, geus ngagaleuh boeh.

Sanggeus diturunkeun tina tihang salib,


layon teh terus bae dibungkus ku boeh;
tuluy eta layon dikurebkeun di hiji
makam, anu dijieunna dibobok dina
gunung batu; geus kitu, lawang guha
pajaratana-Na, ditutup ku batu gede.
MARKUS 15.47–16.6 101
47 Waktu ngurebkeunana, Maryam
Magdalena jeung Maryam, — ibuna
Yoses — milu nyaraksian.
1 Sabada poe Sabat, Maryam

16 Magdalena, Maryam, — ibu


Yakobus — jeung Salome mareuli minyak
seungit; nya pikeun bawaeun ka makam
Isa tea; maksudna mah, rek nyeungitan
layon-Na.
2 Arinditna ka makam teh poe Minggu,

isuk-isuk keneh, barang meletek


panonpoe.
3 Sajeroning laleumpang silih tanya,

“Saha engke anu manggulingkeun batu


tutup makam?”
4 Tapi batu tutup makam teh, anu

sakitu gedena, kasampak geus aya anu


ngagulingkeun.
5 Barang asup, katingal aya hiji jelema

ngora; eta jelema anu dijubah bodas


teh, keur calik di beulah katuhu. Atuh
kacida rareuwaseunana.
6 Tapi nu keur calik teh ngalahir, kieu

saurna, “Ulah rareuwas. Ibu-ibu teh rek


ngalayad Isa, urang Nasaret, anu disalib
tea? Geus teu aya di dieu, geus gugah
deui. Tah geuning kari urutna.
MARKUS 16.7–11 102
7 Ayeuna mah, anggur buru-buru
bejakeun ka murid-murid Anjeunna,
oge ka Petrus. Bejakeun, Anjeunna teh
geus ti payun angkat ka Galilea. Engke
oge, ku aranjeun kasampak di ditu,
sakumaha dawuhana-Na tea.”
8 Nu tiluan gagancangan kalaluar ti jero

pajaratan, tuluy lalumpatan bawaning ku


sieun jeung baluas. Ku sieun-sieunna,
nepi ka teu bisa nyarita naon-naon
ka sasaha ge. Amanat malaikat tea
ditepikeun ka Petrus sabatur-batur,
ringkes bae. Ti harita mah, eta amanat
Suci tur abadi teh, nya eta tina hal
kasalametan anu salanggengna;
diembarkeunana ku Isa ku Anjeun nu
dikawasakeun ka murid-murid-Na, ti
masrik tepi ka magrib.
9 Sanggeus Jungjunan tanghi, hirup

deui; poe Mingguna, isuk-isuk, nu ku


Anjeunna mimiti ditembongan teh, nya
eta Maryam Magdalena. Jungjunan
kantos ngusir tujuh setan ti manehna.
10 Tuluy Maryam Magdalena bebeja ka

sakur nu sok ngingiring ka Jungjunan,


anu keur pada sedih prihatin.
11 Tapi beja yen Isa parantos tanghi,

— hirup deui — jeung nembongan ka


MARKUS 16.12–17 103
Maryam Magdalena teh, ku maranehna
sama sakali teu diandel.
12 Terus Isa nembongan deui ka dua

murid nu keur aya di satengahing jalan


ka luar kota, nembonganana teh geus
salin rupa.
13 Murid-murid nu duaan teh baralik

deui sarta terus bebeja ka nu sejen.


Tapi ieu oge, henteu dipalercaya ku
batur-baturna teh.
14 Panungtunganana, Jungjunan

nembongan teh ka murid-murid


sabelasanana waktu maranehna keur
dalahar. Ku Jungjunan diweweleh ku
sabab teu baroga iman; turug-turug,
keukeuh embung ngandel ka batur
anu geus nyaksian sorangan, yen enya
Jungjunan teh hirup deui.
15 Saterusna, Anjeunna ngadawuh,

“Maraneh ku Kami rek diutus. Jugjug


sakuliah dunya, embarkeun Injil ka umat
sakumna.
16 Bagja salamet sing saha nu percaya

kana eta uaran sarta dibaptis; sabalikna,


cilaka anu embung percaya sabab baris
dihukum.
17 Golongan nu percaya bakal kaancikan

ku kakawasaan gaib: Bisa ngusir setan-


MARKUS 16.18–20 104
setan ku nyambat jenengan Kami, bisa
ngomong basa-basa ajaib nu araneh.
18 Maranehna bakal wani newak oray

matih, moal nepi ka binasa sanajan


nginum racun keras; ana leungeunna
dipake nyabak nu gering, nu gering teh
terus cageur.”
19 Tamat ngadawuh ka murid-murid,

Isa, Gusti Jungjunan urang, lajeng


dicandak mi'rad ka sawarga, linggih di
tengeneun Gusti Allah.
20 Murid-murid bral arindit, seja

nguarkeun Injil ka suklakna ka siklukna.


Sajeroning ngajalankeun tugasna,
maranehna dituyun ku Pangeran nu
maparin pangdeudeul ku rupi-rupi tanda
ajaib; eta teh pikeun bukti, yen nu
diuarkeun ku murid-murid teh perkara
anu sajatina.
Lukas
1 Teopilus anu mulya! Hal-hal anu
1 kapungkur kajadian di urang teh,
parantos seueur anu nyeratkeun;
2 anu sumberna asal ti jalmi-jalmi

anu kantos nyaraksian sorangan ti


ngawitanana sareng ti guru-guru Injil.
3 Kitu nu mawi, saparantos ku simkuring

taliti ditalungtik ti awit-awitna, ayeuna


sumeja dibukukeun kalayan teratur,
aoseun anjeun,
4 supados kauninga yen ajaran anu

katampi ku anjeun teh memang leres.


5 Waktu tanah Yudea dirajaan ku

Raja Herodes, aya hiji imam ti kaum


Abia, jenenganana Jakaria. Istrina,
jenenganana Elisabet; saruana, turunan
Harun.
6 Eta Istri pameget teh, ahli ibadah anu

taya kuciwana sarta ta'at kana dawuhan


jeung pangersa Allah.
7 Aranjeunna teh, teu kagungan putra

sabab Elisabet gabug; turug-turug


duanana geus sarepuh pisan.
LUKAS 1.8–16 2
8 Hiji mangsa, waktu kaumna meunang
giliran, Jakaria kedah ngimaman di
payuneun Pangeran.
9 Sabab waktu dilotre pikeun

nangtukeun saha-sahana anu kedah


ngukus di Bait Suci saperti biasa, lotrena,
keuna ka anjeunna.
10 Sabot anjeunna di lebet, jamaah

kumpul di tepas bari ngadaru'a.


11 Sabot kitu, aya malaikat nembongan

ka Jakaria, ngadeg deukeut pangukusan.


12 Jakaria ngarenjag, kaget jeung sieun.
13 Malaikat teh ngalahir, “Ulah sieun,

Jakaria. Doa panyambat maneh


geus dikabul. Bojo maneh, Elisabet,
bakal ngalahirkeun anak lalaki.
Pingaraneunana Yahya.
14 Maneh tangtu baris bagja di mana

eta geus lahir. Malah loba anu milu atoh.


15 Sabab eta budak bakal jadi abdi Allah

anu kamashur. Moal nginum anggur


atawa inuman-inuman keras, malah
ti keur dikandungna keneh oge geus
dilinggihan ku Ruh Allah.
16 Ku lantaran manehna, urang Israil

bakal loba anu eling deui ka Pangeran,


Allah nu disembah ku urang Israil.
LUKAS 1.17–23 3
17 Ku Allah diutus ti heula sarta
dipaparinan roh jeung kakawasaan
Nabi Elias, pikeun ngageuing supaya
bapa areling ka nu jadi anak sarta nu
wangkelang sina nyaho kana bebeneran.
Ku jalan kitu, manehna teh nyadiakeun
keur Pangeran hiji umat anu tarapti
ngabdi ka anu jadi Jungjunanna.”
18 Jakaria mihatur, “Ieu perkawis

kumaha nya bade ngabukti! Abdi


parantos kolot, pun bojo pon kitu keneh.”
19 Waler malaikat, “Kami teh Jibril,

anu salawasna aya di payuneun Allah.


Ayeuna diutus ka maneh, mangnepikeun
hal anu sakitu matak bungahna.
20 Ku sabab maneh henteu percaya,

maneh bakal bisu, sama sakali moal bisa


ngomong nepi ka ieu perkara ngabukti.”
21 Sajeroning kitu, anu ngarantosan

anjeunna kacida hareraneunana lantaran


sakitu lilana di lebet.
22 Sanggeus anjeunna ka luar bari

teu iasa sasauran, kajudi yen di lebet


aya titingalianana. Ku sabab jadi bisu,
anjeunna ngan iasa pepeta.
23 Sanggeus rengse tugasna, anjeunna

mulih deui.
LUKAS 1.24–32 4
24 Teu lila ti harita, Elisabet, istrina
bobot, nepi ka lima bulan ngerem maneh
di bumi.
25 Saurna, “Ieu pangersa Pangeran,

geus ngaleungitkeun wiwirang simkuring


di masarakat.”
26 Dina bulan nu kagenep, Allah ngutus

deui Jibril ka hiji kota di Galilea anu


ngaran Nasaret;
27 nepangan Siti Maryam, parawan anu

keur papacangan jeung Yusup, turunan


Daud.
28 Sanggeus lebet, malaikat teh

uluksalam ka Maryam, saurna,


“Assalamualaikum, eh anjeun anu
dirahmat. Pangeran nyarengan ka
anjeun.”
29 Nguping anu uluksalam, Maryam

ngagebeg bari ngamanahan


pimaksudeunana.
30 Malaikat sasauran deui, “Ulah sieun,

Maryam! Anjeun teh meunang sapa'atna


Gusti Allah.
31 Anjeun bakal ngandung, terus

ngalahirkeun anak lalaki. Ku anjeun


kudu dingaranan Isa.
32 Eta budak bakal agung sarta bakal

disarebut Putra Allah Anu Maha Agung.


LUKAS 1.33–39 5
Ku Gusti Allah bakal dileler singgasana
Daud, karuhun-Na,
33 sarta sapapanjangna bakal

ngarajaan, kaom turunan Yakub, ari


Karajaana-Na moal aya piahireunana.”
34 Maryam mihatur, “Nanging kumaha

pibuktoseunana, da abdi teh acan gaduh


salaki?”
35 Waler malaikat, “Anjeun bakal

disumpingan ku Ruh Allah jeung ku


kakawasaan Allah Nu Maha Agung. Kitu
nu matak, anu rek dilahirkeun ku anjeun
teh bakal disarebut suci, Putra Allah.
36 Jeung deui, Elisabet baraya anjeun,

anu disarebut gabug tur geus sakitu


kolotna, ayeuna teh keur ngandung
budak lalaki, geus kagenep bulan
ayeuna.
37 Ari kanggo Allah mah, henteu aya

anu mustahil.”
38 Pihatur Maryam, “Simabdi, abdi

Pangeran sumeja ngiringan, satimbalan


mugi tinekanan.” Geus kitu malaikat teh
mulih.
39 Heuleut sawatara waktu ti harita, Siti

Maryam angkat ka hiji kota pagunungan


di tanah Yuda,
LUKAS 1.40–48 6
40 ka bumina Jakaria, tuluy uluksalam
ka Elisabet.
41 Barang Elisabet ngadangu sora

Maryam, jabang bayi dina kandunganana


usik-usikan sarta anjeunna kalinggihan
Ruh Allah;
42 tuluy anjeunna ngawaler, “Mugia

anjeun mendak berkah di kalangan


sadaya wanita, nya kitu deui Anu ku
anjeun keur dibobotkeun.
43 Naon atuh diri ibu teh, nepi ka

disumpingan ku anu jadi ibu-Na nu


dipigusti?
44 Sayaktosna, waktu sora anjeun tepi

kana ceuli ibu, ieu anak ibu di jero


kandungan anjrug-anjrugan bawaning
ku suka.
45 Estu bagja jalmi anu percaya kana

dawuhan Pangeran ka dirina, sabab


sagala dawuhana-Na pasti tinekanan.”
46 Pok Maryam sasauran, “Batin abdi

ngagungkeun Pangeran.
47 Ati sanubari estu bingah karana

Allah, Juru Salamet abdi.


48 Reh Anjeunna kersa merhatoskeun

abdi-Na nu laip. Saleresna, ti semet ieu,


turun-tumurun abdi teh bakal disarebut
bagja;
LUKAS 1.49–58 7
49 wireh ku Nu Maha Kawasa, diganjar
ku dadamelana-Na anu aragung sarta
jenengan Anjeunna teh suci.
50 Rahmat Anjeunna aya di jalmi anu

ajrih ka salira-Na, turun-tumurun.


51 Anjeunna mintonkeun kakawasaana-

Na, ku dadamelan panangana-Na


sareng ku ngubrak-ngabrik jelema nu
aradigung.
52 Anu karawasa ku Anjeunna dirorod

tina tahtana, kaom laip dijungjung luhur.


53 Kaom lapar sina sugih ku sugri anu

mangpa'at, nu baleunghar sina indit


ngaligincing.
54 Bangsa Israil, umat-Na, ditulung; reh

Anjeunna tigin ka jangji-Na,


55 anu didawuhkeun ka karuhun urang,

ka Ibrahim katut saturunanana, keur


salalamina.”
56 Maryam, nganjrekna di Elisabet

kurang leuwih tilu bulan lilana, kakara


mulih.
57 Sanggeus bobotna Elisabet jejeg

bulanna, tuluy babar, putrana pameget.


58 Tatangga-tatanggana, kitu deui

wargi-wargi anu nyarahoeun yen


anjeunna kenging ganjaran Pangeran
LUKAS 1.59–66 8
anu taya papadana, kabeh marilu
bungah.
59 Dina poe nu kadalapan, maranehna

dararatang, ngaralayad pikeun


nyalametan murangkalih, disepitan bari
sakalian dingaranan ngalap ka ramana:
Jakaria.
60 Tapi saur Elisabet, “Ulah eta.

Ngaranna kudu Yahya.”


61 Ari cek maranehna, “Jenengan kitu

mah, teu aya di wargi-wargi ibu.”


62 Geus kitu, maranehna mihatur

ka ramana murangkalih ku peta,


maksudna nanyakeun, putrana teh rek
dijenenganan saha.
63 Anjeunna pepeta mundut sabak, tret

nyerat, “Ngaran Yahya.” Sarerea bati


heran.
64 Tapi dadak sakala anjeunna

iasa nyarios deui, lajeng sasauran


ngamulyakeun ka Gusti Allah.
65 Anu marangkuk di daerah eta,

sakurilingna, jadi gehger. Saterusna, eta


kajadian teh, jadi sabiwir hiji di sakuliah
pagunungan Yudea;
66 jeung jadi bahan pikiraneun. Cek

maranehna, “Rek jadi naon atuh engke


LUKAS 1.67–75 9
eta murangkalih teh?” Kawantu anjeunna
teh diaping ku panangan Pangeran.
67 Ari Jakaria, ramana, kalebetan Ruh

Allah lajeng wawangsit, saurna:


68 “Sadaya puji kanggo Pangeran, Allah

nu disembah ku Israil. Reh Anjeunna


kersa ngalayad sarta ngabebaskeun
umat-Na.
69 Nya Pangeran nu jadi lantaran bijilna

tanduk kasalametan pikeun urang di


kalangan turunan Daud, abdi-Na tea;
70 — Cocog jeung timbalana-Na, anu

dikedalkeun ku parantaraan lalambe


nabi-nabi-Na anu suci, baheula —
71 yen urang baris disalametkeun: Ti

leungeun musuh jeung tina genggeman


jalma-jalma anu mikaijid urang.
72 Eta teh, tawis pikeun mintonkeun

rahmat ka nini aki urang, oge pikeun


ngalaksanakeun jangji-Na anu suci,
73 — anu didawuhkeun ka Ibrahim,

bapa karuhun urang — sarta pikeun


maparin kabebasan:
74 Malar urang ucul ti leungeun musuh;

taya nu dipikasieun, enggoning nedunan


ibadah ka Anjeunna
75 dina suasana anu suci tur bener di

payuneuna-Na, saumur-umur.
LUKAS 1.76–2.2 10
76 Ari hidep, eh anaking, bakal disarebut
nabi Allah, Allah Anu Maha Agung. Sabab
hidep bakal lumaku heulaeun Jungjunan,
naratas jalan pikeun Anjeunna;
77 jeung pikeun mukakeun pangarti

umat-Na kana hal hakekat kasalametan,


anu make dadasar pangampura dosa;
78 sabab rahmat jeung welas asihna

Allah, Pangeran urang; anu sumping


ngalayad urang, nya eta Anjeunna, Sang
Srangenge nu meletek ti manggung,
79 pikeun nyaangan sugri anu kumelip

di alam poek anu dikungkung ku almaot


sarta memener lengkah urang sina
nyorang jalan anu aman tur santosa.”
80 Ari murangkalih tea, beuki ageung

sarta beuki kuat bae jiwana. Ari


matuhna, di leuweung kikisik; nepi
ka datang waktuna, nya eta pikeun
nganyatakeun anjeun ka urang Israil
tea.
1 Dina jaman eta, aya parentah ti

2 Prabu Agustus, yen sakabeh jelema


di sakuliah dunya kudu didaptarkeun.
2 Ieu teh cacah jiwa anu mimiti pisan,

waktu tanah Siria digupernuran ku


Kirinus.
LUKAS 2.3–10 11
3 Sakabeh jelema kudu didaptar di
lembur asalna masing-masing.
4 Kitu deui Yusup, anjeunna oge iang

ti Nasaret di Galilea, ka Yudea, ka kota


Daud anu ngaranna Betlehem — sabab
anjeunna bibit-buit ti dinya, ti kulawargi
jeung turunan Daud —
5 pikeun didaptar bareng jeung

Maryam, papacanganana, anu eukeur


kakandungan.
6 Sanggeus narepi ka Betlehem, karaos

ku Maryam yen arek babar.


7 Tuluy bae babar nyikalan, putrana

pameget; terus dibedongan ku


lalamakan, diebogkeunana dina
kombongan sabab di panginepan mah
geus teu aya pisan tempat.
8 Harita, di hiji tegalan di luar kota,

aya nu keur ngajaraga ingon-ingon ti


peuting.
9 Jleg bae, aya hiji malaikat Pangeran

deukeut maranehna, murub mubyar


ku kamulyaan Pangeran, nyaangan ka
tukang-tukang ngangon anu kacida
ngarasa sieunna.
10 Eta malaikat ngalahir, “Ulah sieun.

Kami mawa beja anu kacida baris


LUKAS 2.11–16 12
nyukakeunana ka maraneh; nya kitu
deui, ka sakumna bangsa.
11 Sabab poe ieu, Juru Salamet

maraneh, — Jungjunan urang, Isa Al


Masih — geus dibabarkeun di kota Daud.
12 Cirina pikeun maraneh kieu: Maraneh

bakal tepung jeung hiji Bayi anu


dibedong ku lalamakan sarta ebog dina
kombongan.”
13 Harita keneh, ujug-ujug, breh wadya

bala sawarga anu kacida lobana, —


maturan malaikat anu tadi — kabeh
maruji ngagungkeun ka Allah, kieu:
14 “Nya mulya kanggo Gusti Allah

anu di manggung, mugia di bumi aya


katengtreman di antara umat manusa
anu kamanah ku Anjeunna.”
15 Sanggeus malaikat-malaikat

marulang deui ka sawarga, tukang-


tukang ngangon teh ngaromong jeung
pada batur, “Hayu atuh urang ka
Betlehem, urang buktikeun kasauran
malaikat Pangeran teh.”
16 Bring, kabeh, arindit gagancangan.

Tuluy maranehna tepung jeung Siti


Maryam, Yusup, sarta eta Bayi anu keur
ebog dina kombongan tea.
LUKAS 2.17–24 13
17 Sanggeus narenjo Bayi, maranehna
nyaritakeun hal anu tadi anu tumali
jeung eta Bayi.
18 Anu ngabandungan caritana kacida

ngarasa helokna.
19 Tapi eta caritaan teh, ku Maryam

dikemu dina manah bae bari dilenyepan.


20 Pangangon-pangangon tuluy arindit

deui bari muji sukur ngagungkeun Allah.


Maranehna ngarasa bagja ku lantaran
sagala nu geus kadenge jeung nu geus
katenjo teh, cocog jeung anu disaurkeun
ku malaikat tea.
21 Sanggeus jejeg dalapan poe,

Murangkalih teh disepitan sarta


dipaparin jenengan Isa, numutkeun
amanat ti malaikat samemeh dikandung.
22 Sanggeus jejeg poe pantrang

nurutkeun hukum Toret, Anjeunna


dicandak ka kota Yerusalem, bade
disanggakeun ka Allah.
23 Hal ieu teh, pikeun nedunan timbalan

Pangeran dina Toret, yen “Kabeh anak


cikal nu lalaki kudu disanggakeun ka
Pangeran.”
24 Nyanggakeunana oge kudu make

kurban, sakumaha timbalan Pangeran


LUKAS 2.25–31 14
dina Kitab Suci, nya eta tikukur sajodo
atawa anak japati dua.
25 Harita, di Yerusalem aya hiji sepuh,

jenenganana Simeon. Anjeunna, ahli


ibadah anu ngajeng-ngajeng kana
datangna panglipur pikeun bangsa Israil.
Anjeunna ditangtayungan ku Ruh Allah
26 sarta kenging pituduh ti Ruh Allah,

yen moal waka pupus samemeh ningali


Al Masih, Jungjunan urang tea.
27 Kalayan pingpinan Ruh Allah

anjeunna angkat ka Bait Allah. Waktu


Isa, Murangkalih tea, dicandak lebet
ka Bait Allah ku ibu rama-Na, — bade
nedunan hukum Toret tea —
28 ku Simeon dipapag. Tuluy eta

Murangkalih teh, ku anjeunna


dipangkon. Lajeng Simeon muji sukur ka
Allah, saurna:
29 “Ayeuna mah nun Pangeran, abdi

teh widian wangsul kalayan senang nya


hate, sakumaha timbalan tea;
30 wireh abdi parantos ningal sorangan

kasalametan paparin Gusti,


31 anu parantos gumelar dinyatakeun

ka kalangan sagala bangsa,


LUKAS 2.32–38 15
32 nya eta terang caang anu nyata
kangge bangsa-bangsa sanes, sareng
kangge kamulyaan umat Gusti, Israil.”
33 Kasauran anjeunna teh matak

hemeng ka ibu ramana Murangkalih.


34 Geus kitu, Simeon ngaberkahan

ka aranjeunna sarta kieu saurna ka


Siti Maryam, “Ieu Murangkalih geus
ditakdirkeun pikeun jadi lantaran
labuhna jeung cengkatna jalma rea
di Israil sarta jadi hiji tanda anu
nimbulkeun pacengkadan,
35 — jiwa anjeun ge bakal parat ku

pedang — sangkan ku hal eta, eusi


pikiran jalma rea bakal kabuka.”
36 Di dinya oge, aya hiji nabi istri anu

jenenganana Hana binti Penuel, ti kaom


Aser. — Anjeunna teh geus sepuh pisan;
kantos nikah, tapi ngan ukur tujuh taun
bumen-bumen jeung carogena teh;
37 ayeuna parantos rarandaan sarta

yuswana geus dalapan puluh opat taun;


tara pisan incah ti Bait Allah; beurang
peuting, damelna ibadah ku puasa jeung
ngadu'a. —
38 Harita ge, anjeunna keur aya di

dinya, lajeng bae muji sukur ka Gusti


Allah sarta nyarios-nyarioskeun eta
LUKAS 2.39–44 16
Murangkalih ka nu sejen-sejenna, anu
sarua keur ngarep-ngarep bebasna
Yerusalem.
39 Sanggeus sagala hukum Pangeran

beres ditedunan, Yusup jeung Maryam,


— katut eta Murangkalih — marulang
deui ka lembur, nya eta ka kota Nasaret
di Galilea.
40 Eta Murangkalih teh, mingkin lila,

mingkin ageung jeung tambah kuat jiwa


ragana, pinter, sarta kenging rahmat
sapa'at Pangeran.
41 Unggal-unggal taun, dina hari raya

Paska, sepuh Isa angkat ka Yerusalem.


42 Sanggeus yuswana Isa dua belas

taun, Anjeunna ngiring sepuh-Na ka


Yerusalem, sakumaha biasa ari hari raya.
43 Barang hari-hari raya geus lekasan,

sepuh-Na marulih; ari Isa teu katiten


kakantun di Yerusalem.
44 Panyana sepuh-Na mah, Anjeunna

teh, aya bae campur jeung rencang-


rencang sapanyabaan; kitu, nu matak
jongjon bae arangkat. Sanggeus
angkatna meunang sapoe, kakara
aranjeunna milarian; sugan Anjeunna
bareng jeung wargi-wargi atawa
kenalan-kenalanana.
LUKAS 2.45–52 17
45 Ku sabab teu kapendak, aranjeunna
marulih deui ka Yerusalem bari
nalengteng.
46 Sanggeus tilu poe, beh bae kapendak

di Bait Allah, keur calik diriung ku


alim-ulama, ngadangukeun kasauran
aranjeunna, sakapeung bari turas-taros.
47 Anu ngabarandungan Anjeunna

ngaraos helok ku kapinterana-Na, oge


helok ana Anjeunna ngawaler patarosan.
48 Barang sepuh-Na naringali,

olohok bae anu aya. Tuluy ibu-Na


nyauran, “Enung, naha bet ngadamel
pikamelangeun kolot? Ama jeung ibu
mah neteangan mani hariwang.”
49 Anjeunna ngawaler, “Naha nganggo

dipilarian? Na teu kagalih yen Abdi


tangtos aya di gedong Jeng Rama?”
50 Kasaurana-Na, ku aranjeunna teu

kahartos.
51 Ti dinya mah Isa mulih jeung sepuh-

Na ka Nasaret, saterusna tetep-tumetep


sareng ibu rama-Na. Ku ibu-Na, sagala
rupa hal teh, dikemu bae sajeroning
manah.
52 Isa beuki ageung, beuki pinter, beuki

diasih ku Allah, sarta dipikaresep ku


sasama jalma.
LUKAS 3.1–5 18
1 Dina taun kalima belas, jaman
3 pamarentahan Prabu Tiberius, —
waktu Pontius Pilatus jeneng gupernur di
nagri Yudea; Herodes jadi raja wilayah
Galilea; Pilipus, saderekna jadi raja
wilayah nagri Iturea jeung Trakonitis;
Lisanias jadi raja wilayah Abilene, sarta
waktu Anas jeung Kayapas nyekel
kalungguhan Imam Agung —
2 harita, Gusti Allah nimbalan ka Nabi

Yahya, putra Jakaria, anu matuh di


leuweung kikisik.
3 Geus kitu, Nabi Yahya nyumpingan

sakuliah daerah walungan Ciyordan


sarta cumeluk, “Geura tarobat sarta
kudu dibaptis, tinangtu dosa aranjeun
dihampura ku Allah!
4 Hal ieu geus kaserat dina kitab-kitab

nubuwatan Nabi Yesaya: ‘Aya sora


cumeluk di alas kikisik: Siapkeun jalan
kangge Pangeran, lelempeng pijalaneun
Anjeunna.
5 Lebak-lebak bakal diurugan,

gunung-gunung sarta pasir-pasir bakal


diratakeun; anu pungkal-pengkol bakal
dilempengkeun, anu legak-legok bakal
dirarata.
LUKAS 3.6–11 19
6 Sing sakur anu kumelip bakal nenjo
kasalametan paparin Pangeran.’”
7 Kieu deui saurna ka jalma rea anu

dararatang ka anjeunna seja dibaptis,


“Eh maraneh, anu lir turunan oray
welang! Saha anu geus meringetkeun
maraneh, supaya maraneh kabur
nyingkiran bebendu nu baris datang?
8 Ku sabab eta, buah-buahna kalakuan

maraneh masing luyu jeung pertobat


jeung ulah umangkeuh dina hate: Nabi
Ibrahim teh karuhun urang! Sabab cek
kami, ka maraneh: Allah teh kawasa
nyiptakeun turunan Ibrahim tina ieu
batu-batu!
9 Kampak geus sumanding dina akar,

unggal tangkal anu buahna goreng


pinasti dituar sarta dialungkeun kana
seuneu.”
10 Tembal jalma rea ka anjeunna,

“Saupami kitu, abdi-abdi teh kedah


kumaha?”
11 Walerna, “Anu boga baju dua siki,

bikeun hiji ka anu teu boga; anu boga


kadaharan, nya kitu keneh kudu daek
mere.”
LUKAS 3.12–17 20
12 Aya oge tukang-tukang cuke anu seja
dibaptis, nanyakeun, “Guru, abdi-abdi
kedah kumaha?”
13 Walerna, “Ulah nagih leuwih ti batan

anu geus diwajibkeun.”


14 Oge serdadu-serdadu naranyakeun

ka anjeunna, “Ari abdi-abdi kedah


kumaha?” Waler Yahya, “Ulah ngarampas
jeung ulah meres, sing puas ku gajih
sorangan.”
15 Tapi ku lantaran jalma-jalma teh

tumanya dina hate sarta ngadago,


ngaharep sugan-sugan anjeunna teh Al
Masih tea,
16 Yahya ngawalerna diteruskeun kieu,

“Kami mah ngabaptis maraneh teh ku


cai. Tapi Anjeunna, anu leuwih kawasa
ti batan kami, engke tangtu sumping.
Ngudar tali tarumpah-Na ge kami moal
wani. Anjeunna mah ngabaptis maraneh
teh ku Ruh Allah jeung seuneu.
17 Panangana-Na nyepeng nyiru, keur

ngaberesihkeun kenging-Na ngirik


jeung ngumpulkeun gandumna ka leuit
kagungana-Na; ari huut jeung jaramina
baris diduruk ku seuneu anu henteu
pareum-pareum.”
LUKAS 3.18–26 21
18 Loba-loba deui piwuruk anjeunna anu
nganyatakeun Injil ka jalma rea teh.
19 Ngan barang anjeunna ngaweweleh

raja Herodes, tina hal perkawisna jeung


Herodias geureuha saderekna, jeung
tina kajahatan-kajahatan sejenna,
20 eta raja nyucudkeun kajahatanana ka

Yahya, Yahya ku anjeunna dijebloskeun


ka panjara.
21 Sanggeus jalma rea dibaptis, Isa oge

dibaptis. Waktu Anjeunna keur ngadu'a,


bray bae langit muka.
22 Geus kitu, lungsur Ruh Allah ka

Anjeunna mangrupa japati. Tuluy


kadenge aya sora ti langit, kieu, “Hidep
teh Putra Kami anu dipikaasih. Hidep
matak sugema kana manah Kami.”
23 Waktu Isa ngawitan barang damel,

yuswa-Na, kira-kira tilu puluh taun.


Sacara lahir mah, Anjeunna teh putra
Yusup, putra Eli,
24 putra Matat, putra Lewi, putra Malki,

putra Yanai, putra Yusup,


25 putra Matica, putra Amos, putra

Nahum, putra Hesli, putra Nagai,


26 putra Maat, putra Matica, putra

Simei, putra Yoseh, putra Yoda,


LUKAS 3.27–4.1 22
27 putra Yohanan, putra Resa, putra
Serubabel, putra Sealtiel, putra Neri,
28 putra Malki, putra Adi, putra Kosam,

putra Elmadam, putra Er,


29 putra Yesua, putra Elieser, putra

Yorim, putra Matat, putra Lewi,


30 putra Simeon, putra Yuda, putra

Yusup, putra Yonam, putra Elyakim,


31 putra Melea, putra Mina, putra

Matata, putra Natan, putra Daud,


32 putra Isai, putra Obed, putra Boas,

putra Salmon, putra Nahason,


33 putra Aminadab, putra Admin, putra

Arni, putra Herson, putra Peres, putra


Yuda,
34 putra Yakub, putra Isak, putra

Ibrahim, putra Terah, putra Nahor,


35 putra Serug, putra Rehu, putra Peleg,

putra Eber, putra Salmon,


36 putra Kenan, putra Arpahsad, putra

Sem, putra Enoh, putra Lamek,


37 putra Metusalah, putra Hanok, putra

Yared, putra Mahalalel, putra Kenan,


38 putra Enos, putra Set, putra Adam,

putra Allah.
1 Sanggeus hanjat ti Ciyordan, Isa

4 pinuh ku Ruh Allah. Ku Ruh Allah


terus dicandak ka gurun keusik.
LUKAS 4.2–9 23
2 Di dinya, anjeunna kenging opat puluh
poe; lian digoda ku Iblis, Anjeunna
oge teu tuang teu leueut. Sanggeusna,
Anjeunna ngaraos lapar.
3 Ku Iblis digoda, “Lamun Anjeun Putra

Allah, cik eta batu jadikeun roti.”


4 Ku Isa diwaler, “Cek Kitab: ‘Hirup

manusa teu cukup ku roti wungkul.’”


5 Ti dinya Isa dibawa ka tempat anu

luhur sarta dina sakedet netra ku Iblis


ditembongan sakabeh karajaan-karajaan
alam dunya.
6 Cek Iblis, “Eta kakawasaan jeung

kaagungan-kaagungan, kabeh, kaula nu


boga. Kaula bisa mikeun eta sakabeh ka
saha bae sakahayang kaula.
7 Kop keur Anjeun kabeh, asal nyembah

heula ka kaula.”
8 Waler Isa, “Cek Kitab: ‘Maneh kudu

nyembah ka Allah, Pangeran maneh


sarta ngan ka Anjeunna bae maneh kudu
ngabakti.’”
9 Ti dinya, Isa dibawa ka Yerusalem, ka

puncak Bait Allah bagian pangluhurna.


Cek Iblis, “Lamun enya mah Putra Allah,
coba ngaragragkeun maneh ti dieu.
LUKAS 4.10–18 24
10 Sabab cek Kitab: Anjeunna bakal
nimbalan malaikat-malaikat-Na sina
nangtayungan Anjeun.
11 Jeung Anjeun ku malaikat-malaikat

bakal dipayang, supaya ulah kungsi


tigasruk kana batu.”
12 Waler Isa, “Aya timbalan anu kieu:

‘Maneh ulah ngadoja ka Allah, Pangeran


maneh.’”
13 Sanggeus ngadojana teu mental, Iblis

undur ti Isa bari ngadago kasempetan


deui.
14 Ku panuyun Ruh Allah, Isa mulih ka

Galilea. Beja ngeunaan hal Anjeunna,


sumebar ka sakuliahna.
15 Anjeunna ngawitan ngawulang di

tempat-tempat ibadah, matak resep


urang dinya.
16 Ti dinya sumping ka Nasaret, tempat

Anjeunna keur murangkalih keneh. Dina


poe Sabat angkat ka tempat ibadah,
saperti biasana, ngadeg di payun rek
ngaos Kitab.
17 Anjeunna diasongan kitab Nabi

Yesaya. Kitab dibuka, ayatna kieu


ungelna:
18 “Ruh Pangeran nangtayungan Kami.

Kami ku Anjeunna dijenengkeun, pikeun


LUKAS 4.19–25 25
ngumumkeun yen: Kaom sangsara bakal
barungah.
19 Kami diutus pikeun ngumumkeun

yen: Tawanan-tawanan bakal merdika,


nu lalolong bakal awas, anu dikaniaya
bakal dibebaskeun. Jeung ngumumkeun,
yen ayeuna teh jaman anu kamanah ku
Pangeran.”
20 Kitab ditutupkeun, dipasihkeun

ka pejabat; Anjeunna gek linggih,


dipalencrong ku sajamaah.
21 Galindeng ngawulang, saur-Na, “Ayat

nu bieu kakuping, poe ieu geus bukti.”


22 Pilahir Anjeunna dihaminan ku

jamaah, anu katarik ku kecap-kecap


sakitu alusna. Jamaah ting kecewis,
“Lain anak Yusup tea eta teh?”
23 Isa sasauran deui, “Kawasna

aranjeun rek ngucapkeun ka Kaula


paribasa anu kieu: Ki Tabib, ubaran awak
sorangan! Cik kajadian di Kapernaum
teh, anu aya bejana ka dieu; ayeuna,
buktikeun di dieu, di lembur sorangan!”
24 Saur-Na deui, “Tetela, di lemburna

mah, nabi-nabi teh teu aya nu dihargaan.


25 Kaula rek ngasongkeun buktina:

Jaman Nabi Elias, waktu langit nutup


tilu taun satengah sarta paceklik di
LUKAS 4.26–34 26
sakuliahna; harita, di Israil teh loba
pisan randa.
26 Tapi Nabi Elias henteu ditimbalan ka

maranehna, anggur dipiwarang ka hiji


randa urang Sarpat bawahan Sidon.
27 Kitu oge jaman Nabi Elisa, waktu di

Israil loba nu katerap ku lepra, teu aya


saurang-urang acan anu dicageurkeun,
iwal ti Naaman urang nagara Siria.”
28 Diesek-esekkeun kitu, jamaah teh

kacida arambekeunana, tuluy carengkat.


29 Isa dijongklokkeun ka luar, tuluy

dibawa ka pasir anu nampeu, rek


diragragkeun tina gawir.
30 Tapi Anjeunna, iasa lolos di tengah

jalan.
31 Ti dinya, Isa angkat ka Kapernaum,

hiji kota di Galilea. Dina poe Sabat,


Anjeunna ngawulang di tempat ibadah.
32 Piwulang-Na narik perhatian, pinuh

ku pangaruh.
33 Di antara kaom dangu, aya nu

karanjingan roh jahat; manehna


ngomong tarik:
34 “Isa, urang Nasaret! Rek naon ka

urang? Rek ngabinasa? Urang nyaho,


Anjeun teh Utusan suci ti Allah!”
LUKAS 4.35–41 27
35 Harita keneh Isa nyeuseul, “Repeh!
Ingkah maneh ti eta jelema!” Tuluy eta
jelema teh ku setanna dibeubeutkeun,
hadena teu kua-kieu. Setanna terus
ingkah.
36 Anu nyaraksian kabeh barengong,

tuluy tingkecewis, “Ajaib kasaurana-Na!


Parentah-Na teurak, kawasaan. Ruh
jahat diparentahkeun ingkah, ingkah!”
37 Tuluy bejana, sumebar ka sakuliah

daerah.
38 Sanggeus ngawulang, Isa angkat

ka imah Simon. Harita, ibu mertua


Simon teh keur gering, muriang; tuluy
diunjukkeun ka Isa.
39 Isa ngadeg di sisi nu gering, panyakit

teh ditimbalan ingkah. Harita keneh,


muriangna cageur; tuluy bae anjeunna
teh ngalalayanan tamu-tamu.
40 Sanggeus surup panonpoe, jul-jol

anu marawa nu garering ku rupa-rupa


kasakit. Masing-masing ku Anjeunna
ditumpangan panangan, tuluy calageur.
41 Anu kasurupan roh jahat ge loba;

roh-roh jahatna tuluy aringkah bari


tinggarero, “Anjeun, Putra Allah!” Ku
Isa diseuseulan, jeung teu meunang
LUKAS 4.42–5.5 28
ngaromong deui. Sabab maranehna mah
wawuheun, yen Anjeunna teh Al Masih.
42 Isukna Anjeunna angkat ngelemet

ka nu simpe; atuh jalma rea teh pada


milarian. Sanggeus kapendak, ku
maranehna dikeukeuhan supaya ulah
ngantunkeun.
43 Tapi saur-Na, “Kota lianna, ku Kami

kudu diteang sarta kudu diwawaran Injil


Karajaan Allah oge. Sabab Kami, diutus
teh pikeun ngalampahkeun tugas eta.”
44 Lajeng Anjeunna nyumpingan

tempat-tempat ibadah di Yudea, nya


pikeun ngawulang tea.
1 Hiji mangsa, Isa aya di sisi Talaga

5 Genesaret, dirubung ku jelema, —


loba pisan — anu harayang ngupingkeun
dawuhan Allah.
2 Anjeunna ningali dua parahu kosong

di sisi, ari nu bogana keur meresihan


heurap.
3 Cat, Anjeunna unggah kana parahu;

gek linggih, tuluy ngawulang.


4 Beres ngawulang, sasauran ka

Simon, “Welah parahuna ka nu jero,


rungkupkeun heurap teh.”
5 Simon ngawalon, “Rabi (
LUKAS 5.6–12 29
6 Pruk ngarungkup. Lauk nu karungkup
kacida lobana, nepi ka heurapna rada
bedah.
7 Tuluy Petrus sabatur-batur, ngisarahan

ka nu araya di parahu sejen, menta


supaya dibantuan. Prak, maranehna
teh dibarantuan ngalaan lauk di kana
parahukeun; eta parahu pinuh ku lauk,
nepi ka meh kalem.
8 Ngalaman nu kawas kitu, brek bae,

Simon sideku payuneun Isa sarta


unjukan, “Jungjunan, enggal abdi
kantunkeun. Abdi mah jalmi doraka!”
9 Unjukan kitu teh bawaning ku ngarasa

helok nenjo lauk beubeunanganana


sakitu lobana. Nu lian-lian oge kitu
keneh bae.
10 Nya kitu deui Yakobus jeung

Yahya, anak-anak Sebedeus, batur anu


saparahu. Tapi saur Isa, “Ulah sieun.
Ti semet ayeuna, nu bakal diala ku
maraneh teh nya jelema, lain lauk.”
11 Sanggeus parahu di kadaratkeun,

cul ditaringgalkeun katut saeusina,


maranehna terus ngiring ka Isa.
12 Hiji mangsa, Isa aya di hiji kota. Aya

hiji jelema lepra. Barang breh, nenjo


Isa; manehna teh, brek sideku terus
LUKAS 5.13–18 30
unjukan, “Manawi luntur galih, Juragan
nu iasa nyageurkeun kasakit abdi teh.”
13 Ku Anjeunna nu lepra teh dicabak

sarta saur-Na, “Heug, geura cageur.”


14 Sapada harita, leprana teh, les

leungit beresih. Ku Anjeunna ditimbalan


ulah cacarita ka sasaha. Saur-Na deui,
“Geura tembongkeun awak maneh ka
imam, — bari mawa kurban ku lantaran
panyakit maneh cageur — nurutkeun
parentah Nabi Musa, pikeun tanda bukti.”
15 Sanajan kitu, teu weleh kabejakeun

bae nepi ka jauhna, nepi ka jelema-


jelema teh rabul ka Anjeunna,
seja ngupingkeun jeung harayang
dicageurkeun kasakit-kasakitna.
16 Tapi Anjeunna mah, geus nyingkir ka

tempat-tempat anu sepi sarta ngadu'a.


17 Dina hiji poe, waktu Isa ngawulang,

aya sawatara urang Parisi jeung ahli


Kitab milu nungkulan, daratang ti desa-
desa bawahan Galilea jeung Yudea, oge
ti kota Yerusalem. Isa, anu kasartaan
kawasa Allah, iasa nyageurkeun anu
garering.
18 Harita, aya nu mawa jelema lumpuh,

digotong, niatna rek dideuheuskeun ka


Anjeunna.
LUKAS 5.19–24 31
19 Tapi weleh teu bisa asup, heurin
usik. Tungtungna mah, make jalan tina
hateup (hateupna papak jeung make
tangga umpak). Hateupna dikakat, tuluy
nu lumpuh teh diulur jeung gotonganana
ka payuneun Isa.
20 Ningali kayakinan iman anu sakitu

mantepna, nu lumpuh teh ku Anjeunna


disambut, saur-Na, “Bagea dulur! Dosa
sampean geus dihampura.”
21 Ahli-ahli Kitab jeung urang-urang

Parisi tinggerentes, “Naha Jelema teh


bet mapadani ka Allah? Na saha anu iasa
ngahampura dosa lian ti Allah mah!”
22 Gerentes hate aranjeunna ku Isa

kauninga, tuluy disauran kieu, “Naha


aranjeun kitu mamanahan? Cek Kaula
ka ieu nu lumpuh: dosa maneh geus
dihampura.
23 Hesean mana jeung upama ku Kaula

dititah: geura hudang terus leumpang?


24 Tapi supaya aranjeun uninga yen

Anak Manusa teh kawasa ngahampura


dosa, urang buktikeun.” Tuluy Anjeunna
nimbalan ka nu lumpuh, “Kami
marentah: Geura hudang, terus balik,
gotonganana bawa!”
LUKAS 5.25–31 32
25 Harita keneh, nu lumpuh teh hudang;
ceg kana gotongan terus balik bari muji
sukur ka Allah.
26 Nu nyaraksian kabeh ngarasa helok

bari sari-sari sieun, tuluy ngaromong,


“Poe ieu, urang geus nenjo perkara anu
ajaib.”
27 Geus kitu, Isa kaluar. Beh ningali

Lewi tukang cuke, keur diuk di kantor


cuke. Ku Anjeunna ditimbalan, “Milu ka
Kami!”
28 Lewi cengkat; cul, nu aya di dinya,

ditinggalkeun; tuluy ngiring ka Anjeunna.


29 Sanggeus kitu, Lewi, di imahna

ngayakeun jamuan rongkah kangge


Anjeunna. Lajeng Anjeunna tuang,
bareng jeung tukang-tukang cuke lianna
jeung nu sejen-sejenna deui.
30 Urang-urang Parisi jeung ahli-ahli

Kitab gegelendeng ka murid-murid


Anjeunna, “Naha maraneh wet dahar
nginum bareng jeung tukang-tukang
cuke jeung bangsa daroraka?”
31 Nanging Isa anu ngawalerna, “Nu

sarehat mah, teu perlu tabib. Nu perlu


tabib mah, anu garering.
LUKAS 5.32–37 33
32 Kami ka dunya teh lain rek nyaur nu
balener, tapi rek nyaur nu daroraka, sina
tobat tina dosana.”
33 Tuluy cek urang-urang Parisi teh,

“Murid-murid Nabi Yahya jeung murid-


murid urang Parisi rajin puasa sarta rajin
ngadu'a. Ari murid-murid Sampean mah,
ahlina kana dahar jeung nginum.”
34 Waler Isa, “Na ari tamu-tamu Ki

panganten kudu puasa sapanjang Ki


panganten aya keneh babarengan?
35 Sabab aya waktuna, Ki panganten

bakal ditarik ti tamu-tamu-Na teh, nya


harita waktuna maranehna kudu puasa
teh.”
36 Geus kitu, Anjeunna masihan siloka

kieu, “Moal aya nu nyoehkeun baju


anyar, sosoehanana dipake nambal baju
anu geus heubeul. Sabab akibatna,
hanas nu anyar disoehkeun, ari heug
sosoehanana dipake nambal nu heubeul
wet henteu saimbang.
37 Oge moal aya anu ngeusikeun

cianggur anyar kana kantong kulit nu


geus heubeul. Sabab akibatna, anggur
anyar teh matak bedah wadah, anggurna
teu kapuluk, kantong wadahna ruksak.
LUKAS 5.38–6.6 34
38 Anggur anyar mah, wadahna ge kudu
anyar.
39 Turug-turug, anu geus biasa

nginum anggur nu kawak mah, moal


hayang nginum nu anyar keneh. Sabab
karasaeun, yen anggur nu geus kawak
teh alus sarta ngeunah rasana.”
1 Dina hiji poe Sabat, Isa angkat

6 ngalangkungan huma gandum.


Murid-murid-Na maripit gandum,
digelang terus didalahar.
2 Ku sababaraha urang Parisi dipaido,

pokna, “Ieu teh poe Sabat, ku naon


make digarawe?”
3 Diwaler ku Isa, “Na aranjeun tacan

maca lalampahan raja Daud, waktu


anjeunna sarencang-rencang ngaraos
lapar?
4 Anjeunna lebet ka jero Bait Allah

nyandak roti sasajen terus dituang;


rencang-rencangna oge dibagianan.
Padahal roti sasajen mah teu meunang
didahar ku nu lian, iwal ti ku imam.”
5 Saur-Na deui, “Saenyana Putra

Manusa teh Jungjunanning Sabat.”


6 Dina poe Sabat sejenna deui, Isa

ngawulang di hiji tempat ibadah. Di


LUKAS 6.7–12 35
dinya, aya nu koper leungeunna, nya eta
nu katuhu.
7 Isa diarintip ku kaom Parisi.

Maranehna ngaharep supaya Anjeunna


nyageurkeun eta jelema dina poe Sabat,
ngarah maranehna bisa nyalahkeun.
8 Pikiran maranehna ku Isa oge kajudi.

Anjeunna ngalahir ka nu koper tea,


saur-Na, “Cik anjeun ka beh tengah,
nangtung.” Jung, manehna, nangtung di
beh tengah.
9 Saur Isa ka kaom Parisi, “Simkuring

seja nanya ka aranjeun. Mana anu


halal dina poe Sabat: nyieun kahadean
atawa kajahatan? Ngabelaan nyawa
sasamaning hirup atawa ngabinasa?”
10 Maranehna ku Anjeunna diteuteup

saurang-saurang, geus kitu Anjeunna


ngalahir ka nu koper, “Cik leungeun
nu koper teh jungjungkeun.” Ku nu
koper diturut; harita keneh, koperna teh
cageur.
11 Kaom Parisi kacida arambekeunana.

Tuluy baradami, Isa teh kudu


dikumahakeun.
12 Ti dinya, Isa nanjak ka gunung bade

mujasmedi. Sapeupeuting Anjeunna


neneda ka Allah.
LUKAS 6.13–19 36
13 Sanggeus beurang Anjeunna
ngempelkeun murid-murid. Sanggeusna
kumpul, tuluy dipilih dua welas urang
sarta ku Anjeunna disebat rasul.
14 Ngaran-ngaran nu kapilih teh, nya

eta: Simon, katelah oge Petrus; Andreas,


dulur Simon; Yakobus jeung Yahya,
Pilipus jeung Bartolomeus.
15 Mateus jeung Tomas, Yakobus anak

Alpius, Simon anu nelah Selotes, jeung


Yudas Iskariot, anu engkena bakal
ngahianat.
16 Geus kitu, Isa jeung nu ngariring,

turun ti gunung; Anjeunna liren heula


di hiji tempat anu datar. Di dinya, geus
karumpul murid-murid Anjeunna, loba
pisan.
17 Nu lian-lianna oge loba, dararatang

ti sakuliah tanah Yudea, ti Yerusalem,


jeung ti daerah basisir bawahan Tirus
jeung Sidon.
18 Pangna daratang ka dinya, jaba ti anu

seja ngarupingkeun cariosan Anjeunna,


oge anu harayang dicageurkeun, boh
tina kasakit, boh tina kasarurupan roh
jahat.
19 Maranehna pabisa-bisa harayang

nyabak ka Isa. Sabab aya kakawasaan


LUKAS 6.20–26 37
anu mencar ti salira-Na, nepi ka
maranehna kabeh calalageur.
20 Ti dinya, Isa neuteup ka murid-murid,

tuluy nyarios kieu, “Bagja maraneh teh,


sanajan maraneh taya kaboga; sabab
Karajaan Allah teh, boga maraneh.
21 Bagja maraneh teh, sanajan ayeuna

maraneh kalaparan; sabab maraneh


bakal diseubeuhkeun. Bagja maraneh
teh, sanajan ayeuna maraneh ceurik;
sabab maraneh bakal seuri.
22 Bagja maraneh sanajan dipikacua,

dipencilkeun, dicela, jeung disebut jalma


doraka pedah anut ka Putra Manusa.
23 Lamun geus nepi ka dikitu-kitu teh,

kudu atoh sabab gede ganjaranana di


sawarga. Nabi-nabi oge dikitu-kitu ku
karuhun maranehna.
24 Sabalikna, cilaka nu ayeuna beunghar

mah. Sabab senang soteh ayeuna, rasa


maneh beunghar.
25 Cilaka anu ayeuna geus seubeuh

mah; sabab maranehna bakal kalaparan.


Cilaka anu ayeuna sareuri mah; sabab
maranehna teh bakal ngaheruk jeung
careurik.
26 Sing ati-ati, lamun jelema-jelema

pada muji ka maraneh. Sabab eta nu


LUKAS 6.27–34 38
maruji teh teu beda ti karuhunna, anu
resep muji ka nabi-nabi palsu.”
27 Saur Isa deui, “Ka sakur anu seja

anut ka Kami, Kami papatah: Kudu


nyaah ka musuh, kudu nyieun kahadean
ka nu mikangewa.
28 Kudu ngadu'akeun salamet ka nu

nyumpahan, kudu mangnedakeun ka nu


nyarekan.
29 Upama maneh ditampiling pipi kenca,

asongkeun deui anu katuhu! Atawa


lamun baju maneh direbut batur, keun
bae sina direbut jeung rangkepanana.
30 Anu barang penta, saha bae ge, bere.

Barang maneh anu geus ku batur ulah


dipenta deui.
31 Lamun hayang dihadean, kudu hade

ka batur.
32 Sabab ari saukur nyaah ka nu nyaah

bae mah, lebah mana leuwihna? Nu


daroraka oge, ari ka nu mikanyaah mah,
nyaaheun.
33 Jadi, lamun maraneh ngan saukur

hade ka nu ngahadean bae mah, naon


anehna! Di jalma-jalma doraka oge,
kitu-kitu bae mah geus lumrah.
34 Jeung upama nulung kabutuh

batur pedah aya pamrih, lebah mana


LUKAS 6.35–38 39
leuwihna maraneh ti anu sejen? Anu
daroraka oge ana nginjeumkeun teh bari
ngarep-ngarep pulang jinis.
35 Ulah kitu maraneh mah. Ka

musuh kudu nyaah sarta kudu


ngalampahkeun kahadean. Ari nulung
ulah hayang dipulang tarima, supaya
gede ganjaranana jeung supaya jadi
putra-putra Allah nu Maha Agung. Sabab
Anjeunna mah, ka nu teu boga rasa
rumasa jeung ka nu jahat ge tetep
mikaasih.
36 Maraneh kudu jembar ku kanyaah,

jembar ku kaasih, nya cara Rama


maraneh tea.”
37 “Ulah neumbleuhkeun kasalahan ka

batur, supaya urang ge teu disalahkeun.


Ulah resep tudang-tuding, supaya
euweuh nu nuding.
38 Kudu daek barang bere, supaya aya

nu mere; upama kitu nu baris katarima


teh tangtu kalawan leuwihna, cara
dibahekeun tina takeran anu digedog
nepi ka padet. Batur ngabalesna ka
urang teh make ukuran urang, anu ku
urang dikeunakeun ka batur, dina sagala
hal.”
LUKAS 6.39–45 40
39 Saterusna, Isa sasaurana-Na ku
siloka. Saur-Na, “Cik, bisaeun anu lolong
nungtun anu lolong? Moal; sabab lamun
aya solokan, tangtu tikusruk duanana.
40 Murid moal leuwih ti guru. Tapi di

mana diajarna geus tamat, bakal sarua


jeung guruna.
41 Naha ari kana tatal dina panon dulur

awas, ari balok dina panon sorangan teu


karasa?
42 Pamohalan maneh ngomong kieu

ka dulur: Maap, eta tatal dina panon


maneh urang cabut; padahal dina panon
sorangan aya balok. Aranjeun anu
munapek, dudut heula balok dina panon
sorangan, kakara bisa awas pikeun
mangnyabutkeun tatal tina panon batur.”
43 “Tangkal nu hade, mustahil buahna

teu hade. Nya kitu deui tangkal nu


goreng, mustahil buahna hade.
44 Urang wawuh kana hiji-hijina tangkal

teh, tina buahna. Sabab pasti, tangkal


cucuk moal buahan jeruk, harendong
moal buahan kadongdong.
45 Jelema oge, lamun eusi hatena hade,

kaluarna oge anu hade. Lamun eusi


hatena jahat, kaluarna oge bangsa nu
LUKAS 6.46–7.3 41
jahat-jahat. Sabab anu mudal tina biwir,
eta teh lantaran hate geus leber.”
46 “Rek naon nyambat ka Kami:

Jungjunan, Jungjunan, padahal


omongan Kami teu didenge?
47 Anu datang ka Kami bari daek

ngadenge jeung nekanan omongan


Kami, ku Kami diibaratkeun kieu:
48 Nya eta ibarat nu nyieun imah, anu

galianana jero jeung dasarna tina batu.


Najan katarajang banjir, eta imah moal
inggeung-inggeung acan sabab kuat
pademenna.
49 Sabalikna, anu ngan saukur

ngadenge kana omongan Kami, tapi teu


jeung prakna dilampahkeun; nu kitu
mah, kawas nu nyieun imah dina keusik
bae, bari jeung teu make pademen. Dina
kateumbrag caah, pasti eta imah rugrug
jeung ruksak burakrakan.”
1 Tamat sasauran ka jalma rea,

7 Isa angkat sarta sumping ka kota


Kapernaum.
2 Di dinya aya hiji perwira bangsa

Rum, boga badega kacida kapakena.


Badegana teh gering sahoseun.
3 Eta perwira ngadenge perkara hal Isa.

Tuluy menta tulung ka kokolot-kokolot


LUKAS 7.4–9 42
urang Yahudi ngangkir Isa supaya
badegana tea katulungan.
4 Sanggeus daratang ka Isa, kokolot

teh kacida ngaharepna supaya Anjeunna


kersa nulungan. Pihaturna, “Eta jalmi
teh pantes ditulungan.
5 Margi jalmina nyaaheun ka bangsa

urang. Malah kantos ngongkosan


ngadamel tempat ibadah.”
6 Isa rujuk, tuluy angkat sareng. Barang

geus meh tepi ka nu dijugjug, amprok


jeung sobat-sobat perwira tea anu
mapag Anjeunna, talatahna, “Juragan
teu kedah sumping ku anjeun. Abdi
isin kasumpingan Anjeun teh; abdi isin
nepanganana.
7 Cekap ku ngadawuh ti dieu, ku

sakecap oge tangtos badega teh


katulungan.
8 Abdi teh jalmi bawahan, gaduh

cangkingan perjurit. Upami sanggem


abdi ka perjurit: Indit, tangtos indit.
Upami sanggem abdi: Ka dieu, tangtos
nyampeurkeun. Atanapi marentah
ka badega: Ieu gawekeun, tangtos
dilampahkeun.”
9 Ngadangu anu sarupa kitu, Isa jadi

katarik. Anjeunna nyoreang ka nu


LUKAS 7.10–16 43
ngiring bari saur-Na, “Kami kakara
manggih kayakinan anu kandel kieu. Di
urang Israil ge can aya.”
10 Jurungan-jurungan dipiwarang

mulang. Ari daratang, kasampak si


badega teh geus cageur.
11 Ti dinya, Isa angkat ka Kota Nain

jeung murid-murid; kitu deui anu


lian-lianna.
12 Memeh asup ka kota, aya aleutan

anu ngagotong mayit; mayit budak lalaki


anak tunggal hiji randa, diiring ku urang
dinya.
13 Barang Isa ningali eta randa, manah-

Na ngahelas. “Ulah ceurik,” saur-Na bari


nyaketan kana pasaran.
14 Pasaran teh dicepeng, nu

ngagotongna eureun. Anjeunna


ngalahir, “Agus, geura hudang!”
15 Mayit ngulisik, diuk, tuluy ngomong.

Geus kitu, ku Isa dipasrahkeun ka


indungna.
16 Nu nyaraksian jadi ngarasa sieun,

terus maruji ka Allah. Aromongna


deui, “Nabi Agung aya ka urang. Allah
ngalayad umat-Na.”
LUKAS 7.17–23 44
17 Tuluy sumebar beja ngeunaan
Anjeunna ka sakuliah tanah Yudea jeung
tempat-tempat sakurilingna.
18 Ieu kajadian diunjukkeun ka Yahya

ku murid-muridna.
19 Tuluy Yahya ngajurung muridna

duaan ka Isa, sina unjukan kieu, “Leres


Anjeun teh anu bakal sumping tea,
atanapi eta mah antosaneun keneh?”
20 Sanggeus daratang, pok unjukan ka

Isa, “Dipiwarang tumaros ku Yahya Juru


Baptis, saurna leres kitu Anjeun teh nu
baris sumping tea, atanapi Anjeunna
mah antosaneun keneh?”
21 Harita, Isa keur nyageur-

nyageurkeun nu garering, nu
kasarurupan roh jahat, jeung nu
lalolong.
22 Anjeunna ngawaler kieu, “Bejakeun

ka Yahya sakur anu ku maneh katenjo,


kadenge: Nu lalolong cageur, arawas
deui. Nu lalumpuh cageur, barisa
leumpang. Nu lepra cageur, jadi setra.
Nu geus maraot dihirupkeun deui jeung
ka nu mariskin diwawarkeun beja nu
matak bungah.
23 Nya bagja pisan sing saha anu henteu

hamham sarta nolak ka Kami.”


LUKAS 7.24–30 45
24 Sanggeus jurungan Yahya marulang,
Isa nyarioskeun Nabi Yahya ka jalma rea,
saur-Na, “Bareto, rek naraon aranjeun
ka tanah kikisik teh? Rek nongton eurih
anu ting arulang ku angin?
25 Rek naraon ka daritu teh? Rek

nongton anu ginding? Anu garinding


jeung mararewah mah ayana di karaton.
26 Rek naraon atuh? Rek manggihan

nabi? Bener! Malah cek Kami mah leuwih


ti nabi.
27 Sabab nya anjeunna, anu kieu

dituliskeunana dina Kitab Suci teh:


‘Kanyahokeun, Kami ngajurung utusan
heulaeun Maneh, geusan naratas jalan
sorangeun Maneh.’
28 Sing percaya ka Kami: Di antara

manusa mah, euweuh deui anu punjulna


kawas Yahya. — Tapi di Karajaan Allah
mah, anu pangrendahna ge leuwih luhur
ti anjeunna —
29 Kabeh jalma malah tukang-tukang

cuke oge, — ngadarenge kana piwuruk


Nabi Yahya teh — geus narurut kana
pamundut Allah anu adil ku jalan dibaptis
ku pangbaptis anjeunna.
30 Tapi ku kaom Parisi jeung ahli-

ahli Toret mah, maksad Allah ka


LUKAS 7.31–38 46
maranehna teh teu ditarimakeun, nya ku
arembungna tea dibaptis ku Nabi Yahya.
31 Kudu kumaha disebutna ari nu

karitu? Sarua jeung naon maranehna


teh?
32 Sarua jeung barudak di pasar,

nu arulin silih geroan: Ku urang


dipangnabeuhkeun, maraneh teu ngigel-
ngigel! Ditembangan pinalangsaeun,
euweuh semu-semu nalangsa!
33 Nabi Yahya tara dahar tara nginum

anggur, cek aranjeun jelema siwah.


34 Putra Manusa dahar nginum biasa,

cek aranjeun ahli nginum, ahli dahar,


nyobat ka tukang-tukang cuke jeung
runtah masarakat.
35 Tetela, ieu hikmat teh beunangna

mah ku nu barodo keneh.”


36 Aya urang Parisi, ngangkir Isa

ka imahna ngahaturanan tuang. Isa


sumping, terus tuang.
37 Di eta tempat aya hiji awewe, kasohor

awewe doraka. Barang meunang beja


yen Isa aya di eta urang Parisi, manehna
datang mawa minyak seungit sabotol.
38 Sanggeus datang, heug cicing

dipungkureun Isa; segruk bae ceurik,


cipanonna maseuhan sampean Isa. Geus
LUKAS 7.39–44 47
kitu, sampean Isa ku manehna disekaan
ku buukna. Sanggeus tuus, eta sampean
teh diciuman, terus diminyakan minyak
seungit.
39 Urang Parisi teh dina hatena

ngomongkeun Isa, “Lamun enya


Manehna nabi, moal-moal teu nyahoeun
saha, jelema naon eta awewe teh.
Moal teu nyahoeun yen eta teh awewe
doraka.”
40 Isa nyarios ka manehna, saur-Na,

“Simon, Kami boga picaritaeun.”


Walonna, “Mangga saurkeun bae, Guru.”
41 Saur Isa, “Aya dua jelema boga

hutang ka tukang nginjeumkeun. Nu


saurang hutangna lima ratus dinar, nu
saurang deui lima puluh dinar.
42 Ku sabab teu saranggupeun mayar;

tungtungna, hutangna dibebaskeun


bae. Cik, anu mana kira-kirana anu
pangtumarimana?”
43 Walon Simon, “Tangtos anu hutangna

langkung ageung.” Saur Isa, “Bener


jawaban teh.”
44 Saur-Na deui ka Simon, bari nyoreang

ka awewe tea, “Anjeun geus sidik ka ieu


awewe. Kami teh tamu anjeun. Anjeun
teu nyadiaan cai keur ngumbah suku; ari
LUKAS 7.45–8.1 48
ku ieu awewe, suku Kami dikumbah ku
cipanon jeung disekaan ku buukna.
45 Anjeun ka Kami teu sasalaman-

sasalaman acan; tapi ieu awewe


mah, ti barang Kami sup ka dieu, teu
eureun-eureun nyiuman kana suku.
46 Sirah Kami ku anjeun teu diminyakan;

tapi ku ieu mah, malah suku Kami nu


diminyakan ku minyak seungit.
47 Ku sabab eta, Kami rek nerangkeun

yen: ieu awewe loba dosana, tapi geus


dihampura sarta geus nembongkeun
rasa tumarimana ka Kami sakitu
nemenna. Lamun dosana teu pira mah,
ana dihampura ge, rasa tumarimana
moal sabaraha.”
48 Geus kitu, Anjeunna ngalahir ka eta

awewe, saur-Na, “Dosa maneh geus


dihampura.”
49 Anu keur dalahar bareng jeung

Anjeunna ngaromong dina hatena, “Na


Saha ieu teh? Saha jelemana nu wenang
ngahampura dosa?”
50 Saur Isa deui ka eta awewe, “Ku

sabab maneh boga iman, maneh


salamet. Sing jongjon nya hate.”
1 Teu lila ti harita, Isa angkat deui;

8 Anjeunna ngider ti kota ka kota, ti


LUKAS 8.2–8 49
desa ka desa nguarkeun Injil Karajaan
Allah, diiring ku dua belas murid.
2 Aya oge wanita-wanita anu ngariring,

wanita-wanita anu tadina diganggu ku


roh-roh jahat atawa panyakit sejenna,
nya eta: Maryam Magdalena, — anu ku
Anjeunna dicageurkeun tina gangguan
tujuh roh jahat —
3 Yohana, — bojo Kusa, bendahara Raja

Herodes — Susana, jeung rea-rea deui


anu milu ngabantu ku harta banda ka
rombongan Isa.
4 Sanggeus jelema-jelema anu ti kota-

kota kumpul, Isa nyarios. Nyarios-Na


nganggo misil, saur-Na,
5 “Aya jelema indit tebar. Waktu tebar,

binihna aya anu ragragan ka sisi jalan;


tuluy eta binih teh aya anu kaidek ku nu
laliwat atawa beak ku manuk.
6 Aya anu ragragan kana taneuh cadas;

ana jadi, terus perang ku sabab teu


manggih cai.
7 Sabagian deui ragragan kana rungkun

cucuk; cucukna bareng jadi, binih teh


kalindih nepi ka paeh.
8 Anu sabagian deui ragrag di taneuh

anu hade; jadina alus pisan, hasilna


saratus lipet.” Tamat misil, Isa sasauran
LUKAS 8.9–14 50
kieu, “Anu rumasa boga ceuli pikeun
ngadenge, geura ngadenge!”
9 Murid-murid mihatur, naroskeun

maksudna eta misil.


10 Saur Isa, “Maraneh mah geus

meunang kurnia pikeun bisa


ngahartikeun rasiah Karajaan Allah.
Ari ka nu sejen mah, dicaritakeun
teh misilna bae; supaya najan panon
molotot, pikeun maranehna mah moal
nenjo; jaba ti eta, najan ceuli molongo,
pikeun maranehna mah moal bisa ngarti.
11 Eta misil hartina kieu: Binih, nya eta

Sabda Allah.
12 Binih nu ragragna di sisi

jalan; hartina, Sabda teh aya nu


ngadarengekeun. Tapi ku Iblis, geuwat
dipupus tina hatena supaya jelemana
ulah percaya, ulah salamet.
13 Anu ragragna kana tanah cadas;

hartina, binih teh ku nu ngadenge


ditarima kalawan gumbira. Tapi henteu
terus nyerep kana hatena, jelemana
percayana ngan sakeudeung, ana
nandangan dodoja mah terus murtad.
14 Anu ragragna kana rungkun cucuk;

eta Sabda teh didenge, tapi saterusna


jelemana dirobeda ku rasa salempang,
LUKAS 8.15–20 51
kabengbat ku kabeungharan, jeung
kagoda ku kasenangan; Sabda teh terus
kalindih, berkahna henteu kaala.
15 Anu keunana kana taneuh anu hade;

hartina, sabda teh didenge, ditarimana,


diimankeun kalawan tigin, ngahasilkeun
buah kalakuan anu hade.”
16 “Urang nyeungeut lampu teh lain

keur turubaneun ku gentong atawa


teundeuneun di kolong dipan, tapi keur
teundeuneun dina tempatna, malar
caang ka saeusi imah.
17 Sabab nu ayeuna buni, moal aya nu

teu bakal nembrak; moal aya rasiah anu


henteu kabuka.
18 Ku sabab eta, perhatikeun kumaha

cara-carana ngadenge. Sabab saha-


saha nu geus boga, kabogana bakal
ditambahan. Ari nu tacan boga mah, nu
geus aya ge bakal beak.”
19 Ibu Isa, kitu deui saderek-saderek-

Na, sarumping pikeun nepangan


Anjeunna; tapi teu bisa jonghok,
kahalangan ku jalma nu sakitu lobana.
20 Tuluy ka Isa aya nu ngunjukkeun,

pokna, “Tuang ibu sareng saderek-


saderek sarumping bade nepangan, itu
di luar.”
LUKAS 8.21–27 52
21 Tapi Anjeunna ngawaler kieu, “Indung
atawa dulur-dulur Kami mah, nya eta
sing sakur anu ngadenge kana Sabda
Allah katut jeung ngamalkeunana.”
22 Dina hiji poe, Isa unggah kana parahu

bari saur-Na ka murid-murid, “Urang ka


peuntas ditu.” Tuluy mareuntas.
23 Sabot meuntas, Isa kulem. Dak-

dumadak angin topan ngamuk, parahu


kalembak cai, kacida bahayana.
24 Isa ku murid-murid digugahkeun, “Pa

Guru, urang tiwas!” Isa gugah, angin


jeung ombak ku Anjeunna diseuseul. Jep
bae angin jeung ombak teh leler, talaga
tenang deui.
25 Anjeunna ngadawuh ka murid-murid,

“Di ka manakeun iman teh?” Maranehna


ngan sieun jeung bengong bae anu aya;
tuluy tingkucuwes sabatur-batur, “Saha
atuh saenyana ieu Guru urang teh,
bet kawasa, marentah ka angin jeung
ombak nepi ka tunduk kitu?”
26 Isa jeung murid-murid geus balabuh

di tanah urang Gadara.


27 Sanggeus Anjeunna hanjat ka darat,

aya hiji lalaki nu nyampeurkeun ka


Anjeunna. Eta jelema teh diraksuk ku
setan-setan, geus tara make pakean,
LUKAS 8.28–32 53
tara balik-balik sarta matuhna di
pamakaman.
28 Barang prok, manehna nyuuh

payuneun Anjeunna bari ngagero, “Aya


urusan naon ka kuring, he Isa Putra
Allah Nu Maha Agung? Pamenta kuring,
Anjeun muga ulah nyiksa.”
29 Kituna teh lantaran tadi ku Isa

ditimbalan supaya roh jahatna nyingkah


ti manehna. Sering pisan eta roh jahat
teh ngaganggu ka manehna. Pikeun
ngajaga, eta jelema teh dirante jeung
dibarogod. Tapi barogodna pegat-pegat
bae, tuluy ku setanna dibawa ngaprak
ka tempat nu sararuni.
30 Eta jelema ku Isa dipariksa, “Ngaran

maneh saha?” Ari jawabna, “Legiun,”


sabab setan anu nyurupna teh loba.
31 Eta setan-setan pada nunuhun ka

Isa, supaya ulah diparentah ngagubrus-


gubruskeun maneh kana jero jungkrang
panahanan.
32 Beh di lamping pasir, aya bagong

sabubuhan, loba pisan. Eta bagong-


bagong teh, keur nareangan hakaneun.
Setan-setan teh menta diidinan nyarurup
ka sato-sato eta; ku Isa, eta setan-setan
teh diwidian.
LUKAS 8.33–39 54
33 Tuluy setan-setan teh nyaringkah ti
eta jelema nyarurup ka bagong-bagong
tea. Geus kitu, bagong-bagong teh
tinggejebur tina sisi jungkrang ka talaga,
kabeh paraeh tilelep.
34 Anu ngajaraga eta bagong

lalumpatan, nyebarkeun beja ka kota


jeung kampung-kampung sakurilingna.
35 Urang dinya terus budal harayang

nyaho. Barang daratang ka tempat Isa,


kasampak nu karanjingan setan teh keur
diuk deukeut sampeana-Na; tur enggeus
make papakean, geus waras. Tapi
jelema-jelema teh, anggur sarieuneun.
36 Anu nyaraksian sorangan eta

kajadian, natalepakeun beja ka anu


sejen-sejenna jalan-jalanna eta anu
karanjingan teh bisa waras deui.
37 Tuluy sakabeh urang Gadara nunuhun

ka Isa, supaya Anjeunna enggal angkat


ti maranehna ku bawaning sarieuneun.
Anjeunna unggah deui kana parahu.
38 Jelema anu kakara waras teh nyarita

ka Anjeunna, yen manehna hayang milu.


Tapi saur-Na,
39 “Maneh leuwih hade balik, pek di

imah caritakeun lalakon maneh ditulung


ku Gusti Allah.” Manehna nurut, tuluy
LUKAS 8.40–45 55
indit, ngider sakuliah kota, nyaritakeun
lalakonna ditulung ku Isa.
40 Sasumpingna Isa ka peuntas dieu

deui, Anjeunna dipapag ku jalma rea


anu eukeur nunggu-nunggu.
41 Geus kitu, jol Yairus anu jadi kapala

tempat ibadah di dinya, nepangan;


anjeunna nyuuh payuneuna-Na, ngajak
sindang ka bumina.
42 Sabab anakna anu awewe, nu ngan

hiji-hijina umur dua belas taun, udur


parna; samar kana menyat deui. Isa
angkat ka ditu, ari anu ngariring mani
pagelek-gelek.
43 Aya hiji wanita anu boga kasakit

ngagetih geus dua belas taun, taya nu


bisa ngubaran.
44 Manehna milu pasesedek,

ngadeukeutan Anjeunna ti pungkureuna-


Na, terus nyabak kana jubah-Na. Dadak
sakala ngagetihna eureun.
45 Isa mariksakeun, saur-Na, “Saha anu

nyabak ka Kami?” Ku sabab teu aya


anu ngaku, pok bae Petrus mihatur, “Pa
Guru, seueur anu nyedekkeun ka Salira
teh, dugi ka pagugulung.”
LUKAS 8.46–52 56
46 Tapi saur-Na, “Aya saurang, anu
nyabak ka Kami sabab karasa aya tanaga
anu mencar ti awak Kami.”
47 Ngarasa kalakuanana katohyan,

wanita nu tadi teh, bruk bae nyuuh


ka payuneuna-Na bari ngadegdeg;
manehna ngawakcakeun sabab-sababna
nu matak nyabak ka Anjeunna, terus
wawartos yen panyakitna jadi cageur.
48 “Anaking,” saur Isa ka manehna,

“iman maneh eta anu nyalametkeun teh,


heug ka ditu sing salamet saterusna!”
49 Sabot Anjeunna sasauran, aya

jurungan ti kulawargina kapala tempat


ibadah tea, mopoyankeun kieu, “Tuang
putra teh parantos pupus, teu kedah
ngarerepot deui ka Pa Guru.”
50 Kadangueun ku Isa, Anjeunna nyarios

ka Yairus, “Teu kedah rejag manah, sing


yakin, putra teh katulungan.”
51 Sanggeus cunduk ka bumi Yairus; nu

sejen teu aya nu meunang terus milu,


iwal ti Petrus, Yahya, jeung Yakobus,
jeung ibu rama murangkalih tea.
52 Anu araya di bumi reang

nyeungceurikan murangkalih, tapi


ku Isa disauran kieu, “Ulah careurik.
Budak teh lain maot, keur sare.”
LUKAS 8.53–9.5 57
53 Tapi Anjeunna disaleungseurikeun,
da sidik murangkalih teh geus maot.
54 Leungeun murangkalih teh ku

Anjeunna dicandak, terus ngalahir,


“Hudang anaking!”
55 Sup, nyawa murangkalih teh, asup

deui; eta murangkalih cengkat, terus


nangtung. Ku Isa, eta murangkalih,
dipiwarang dipasihan neda.
56 Sepuhna mah ngan bengong bae

anu aya, tapi ku Anjeunna dilarang teu


kenging seueur carios ka sasaha oge.
1 Isa nyaur murid anu dua belas,

9 lajeng dipaparin kakuatan jeung


kakawasaan pikeun ngelehkeun setan
jeung nyageurkeun panyakit.
2 Terus diutus pikeun ngembarkeun

Karajaan Allah jeung nyageurkeun anu


garering.
3 Kieu amanat-Na, “Maraneh ulah mawa

naon-naon, ulah mawa iteuk, ulah mawa


bekel, boh roti, boh duit, atawa pisalin.
4 Lamun geus aya anu daekeun narima

di imahna, nganjrek teh di dinya bae


sarta inditna deui oge, ti dinya keneh.
5 Upama jelemana embungeun narima,

tinggalkeun kotana, bari kebutkeun


LUKAS 9.6–11 58
kekebul tina suku, minangka ngelingan
ka urang dinya.”
6 Bral, murid-murid, arindit

ngadatangan desa-desa; aranjeunna


ngembarkeun Injil bari nyageur-
nyageurkeun anu garering.
7 Sagala hal anu tumali jeung Isa tea,

kadangu ku Herodes, raja wilayah Yudea.


Anjeunna ngaraos bingbang jeung risi,
sabab loba nu nyarita, yen Isa teh, Nabi
Yahya anu hudang deui ti anu maraot.
8 Aya oge anu nyebutkeun, yen

Nabi Elias muncul deui. Aya deui anu


nyebutkeun, yen Anjeunna teh, salah
sahiji nabi anu baheula hudang deui.
9 Saur Raja Herodes, “Yahya ku aing

geus diteukteuk beuheungna. Na saha


atuh sabenerna eta Jelema teh, wet bisa
kitu?” Tuluy anjeunna ihtiar hoyong iasa
jonghok jeung Isa.
10 Rasul-rasul nu diutus tea, geus baralik

deui. Tuluy aranjeunna ngadareuheus


ka Isa ngalaporkeun hasil gawena.
Aranjeunna ku Isa dicandak nyingkir
heula ka hiji tempat di kota Betsaida,
maksad-Na supaya rineh.
11 Tapi kanyahoan ku jalma rea, terus

ditaluturkeun. Ku Anjeunna ditampi bae


LUKAS 9.12–17 59
terus diwuruk hal Karajaan Allah, ari nu
perlu dicageurkeun, dicageurkeun.
12 Poe geus maju ka burit. Murid-murid

arunjukan ka Anjeunna, “Jalmi-jalmi


teh sina warangsul, sina nareangan
dahareun sareng pamondokan di
kampung-kampung anu caraket ka dieu;
margi di dieu mah, tempatna sepi pisan.”
13 Tapi saur-Na, “Barere dahar heula ku

maraneh!” Ari wangsulna, “Kedah meser


heula rotina; jalmi sakitu seueurna, ari
roti mung gaduh lima siki sareng lauk
dua siki.”
14 Jelema-jelema teh, lobana, kira-kira

lima rebu urang. Isa ngalahir deui, “Coba


sina dariuk sagunduk-sagunduk kira-kira
lima puluhan.”
15 Pek jelema-jelema teh ku murid-

murid sina dariuk.


16 Roti anu lima siki jeung lauk anu

dua siki tea, ku Isa dicandak; terus


Anjeunna tanggah ngucapkeun berkah,
rotina disemplekan terus disodorkeun
ka murid-murid, supaya dibagikeun ka
jalma rea.
17 Brak dalalahar nepi ka sareubeuheun.

Sanggeus eta, sesemplekan roti teh


LUKAS 9.18–23 60
dikumpulkeun, kaleuwihanana, aya dua
belas bakul.
18 Hiji mangsa, Isa sembahyang nyalira.

Sanggeus sembahyangna, murid-murid


ngadareuheus. Ku Anjeunna dipariksa
kieu, “Ari cek nu rea, Kami teh saha?”
19 Wangsulna, “Aya nu nyebatkeun Nabi

Yahya, aya nu nyebatkeun Nabi Elias,


aya oge anu nyebatkeun salah sawios
nabi hudang deui.”
20 Isa mariksa deui, “Ari cek maraneh,

Kami saha?” Pok, Petrus ngawangsul,


“Jungjunan teh Al Masih, utusan Allah.”
21 Maranehna ku Anjeunna diomat-

omatan pisan, yen hal eta ulah pisan


dicaritakeun ka sasaha.
22 Saur Isa, “Putra Manusa teh kudu

nandang sangsara anu pohara, ditoker


ku para kokolot, ku imam-imam kapala
jeung ku ahli-ahli Kitab, terus dipaehan
sarta bakal dihudangkeun deui dina poe
nu katilu.”
23 Geus kitu, ngalahirna ditujukeun

ka kabehan, saur-Na, “Saha-saha


anu niat ngiring Kami, kudu nyegah
karep sorangan, kudu manggul salibna
sapopoe, terus anut ka Kami.
LUKAS 9.24–30 61
24 Sabab sing saha anu rek ngabelaan
nyawana, tangtu bakal kaleungitan
nyawa. Sabalikna, anu nepi ka leungit
nyawa ku lantaran Kami, tinangtu
salamet.
25 Naon gunana meunangkeun saalam

dunya, ari matak ngabinasa atawa


ngarugikeun ka nyawa?
26 Sabab saha-saha anu era, ku hal

Kami jeung ku pangajaran Kami;


Putra Manusa oge, — di mana geus
ngancik dina kamulyaana-Na jeung
dina Kamulyaan Rama katut malaikat-
malaikat suci — bakal era ku hal
manehna.
27 Kami ngabejaan: Ti antara jelema-

jelema anu ayeuna jonghok di dieu, aya


anu moal waka paeh samemeh narenjo
heula Karajaan Allah.”
28 Kira-kira dalapan poe ti harita, Isa

unggah ka hiji gunung bari nyandak


Petrus, Yahya, jeung Yakobus; kersa-Na
bade neneda.
29 Tengah-tengah Anjeunna ngadu'a;

dumadakan Anjeunna salin rupi,


anggoana-Na hurung mancur.
30 Breh deui Nabi Musa jeung Nabi Elias

keur cacarios jeung Anjeunna.


LUKAS 9.31–36 62
31 Aranjeunna oge tembongna teh
mulya pisan, keur nyarioskeun tujuan
perjalanan Anjeunna anu ku Anjeunna
baris disorang nepi ka tutugna di
Yerusalem.
32 Harita, Petrus jeung nu duaan deui

tea mah, kasarean; ari hudang breh


ka Isa anu ngagem kamulyaana-Na,
disarengan ku nu duaan tea.
33 Barang anu duaan tea arek paturay

jeung Anjeunna, pok Petrus unjukan,


“Rabi, abdi-abdi ngaraos kalintang
bagjana di dieu teh. Saena mah, urang
ngadegkeun saung tilu, hiji kangge
Jungjunan, hiji kangge Nabi Musa, hiji
deui kangge Nabi Elias.” Ngomongna kitu
teh, saenyana mah henteu sadar.
34 Sabot manehna ngomong, wet aya

mega anu mayungan ka Aranjeunna,


Aranjeunna kaliputan. Maranehna kacida
ngarasa sieunna.
35 Tina mega teh aya sora, “Tah ieu

Putra Kami anu pinilih. Kudu anut ka


Anjeunna.”
36 Barang ngong sora, nu tembong

teh ngan kantun Isa nyalira. Hal eta,


ku maranehna tetep dirasiahkeun teu
dibejakeun ka saha-saha.
LUKAS 9.37–43 63
37 Isukna, waktu aranjeunna geus
mudun ti gunung, ditepungan ku jelema
rea pisan.
38 Pok, nu saurang, nyarita ka Isa,

“Guru, mugi pangningalikeun pun anak


anu mung hiji-hijina.
39 Sok diganggu bae ku roh jahat, dugi

ka ujug-ujug jejeritan sareng sungutna


teh ngabudah, digubag-gabigkeun ku
eta roh. Kitu sareng kitu bae, nyiksa
teterasan teu ingkah-ingkah.
40 Parantos nyuhunkeun

dipangnundungkeun ka murid-murid
Anjeun, nanging henteu tariasaeun.”
41 Isa ngalahir, “Eh, maraneh anu teu

baroga iman tur sasar, sakumaha lilana


deui Kami kudu aya di maraneh bari
jeung nyabaran teh? Bawa budakna ka
dieu!”
42 Tuluy budakna dibawa ka Isa, tapi

ku setanna terus dibeubeutkeun jeung


digeugeuweung. Roh jahatna ku Isa
diseuseul bengis pisan. Sanggeus
budakna cageur lajeng diserenkeun ka
bapana.
43 Sabot maranehna hareran keneh ku

eta anu dipidamel-Na, Anjeunna nyarios


ka murid-murid, saur-Na,
LUKAS 9.44–50 64
44 “Tengetkeun ieu omongan Kami
jeung ingetkeun: Putra Manusa teh bakal
diselehkeun kana genggeman manusa.”
45 Tapi eta carios-Na teh teu kahartieun

ku murid-murid, maksad Anjeunna


henteu kabuka, teu kahalartieun. Tapi
teu waranieun nanyakeun.
46 Geus kitu murid-murid teh cekcok,

saha cenah ti maranehna anu


pangpunjulna.
47 Ku Isa kauninga, tuluy Anjeunna

nyandak hiji budak leutik sina nangtung


gedengeuna-Na,
48 lajeng nyarios, “Saha-saha anu

ngarawatan ieu budak demi ngaran


Kami, eta teh narima ka Kami. Saha-saha
anu narima ka Kami, eta teh narima
ka Allah nu ngutus Kami. Sabab anu
pangrendahna ti antara maraneh, eta
teh nya anu pangpunjulna tea.”
49 Pok Yahya mihatur, “Abdi-abdi kantos

ningal aya anu ngusir setan bari nyambat


jenengan Anjeun, teras dicarek, margi
sanes ti golongan urang.”
50 Saur Isa, “Ulah dicarek. Sabab anu

henteu ngalawan ka urang, eta teh aya


di pihak urang.”
LUKAS 9.51–59 65
51 Sanggeus meh cunduk kana waktuna
Isa bakal dicandak ka sawarga, Anjeunna
nangtoskeun bade ka Yerusalem.
52 Lajeng ngintun utusan ti payun

geusan sasadiaan. Bral utusan arindit


terus asup ka hiji desa urang Samaria.
53 Tapi urang Samaria embungeun

narima Isa, dumeh tujuanana ka


Yerusalem.
54 Dua murid Anjeunna, nya eta

Yakobus jeung Yahya, — barang


nyarahoeun kitu — tuluy mihatur ka
Anjeunna, “Jungjunan, kumaha upami
eta jelema-jelema teh basmi bae ku
seuneu ti langit? Kumaha upami kitu?”
55 Tapi maranehna ku Anjeunna

diweweleh.
56 Geus kitu, aranjeunna arindit ka desa

sejen.
57 Di satengahing jalan, aya jelema anu

mihatur ka Isa, pokna, “Abdi teh sumeja


ngiring, ka mana bae.”
58 Isa ngawaler, “Rubah baroga liang,

manuk baroga sayang. Putra Manusa


mah teu boga anggel-anggel acan keur
ngagolerkeun sirah.”
59 Geus kitu, ngalahir ka nu saurang

deui, “Tuturkeun Kami.” Tapi jelemana


LUKAS 9.60–10.3 66
ngawangsul, “Permios heula bade
ngurebkeun pun bapa.”
60 Saur Isa, “Keun bae anu paeh mah

sina dimakamkeun ku nu paeh; maneh


mah, bral geura indit ka mana ka mendi
ngembarkeun Karajaan Allah.”
61 Pok deui saurang ngomong kieu,

“Jungjunan, abdi oge sumeja ngiring,


nanging permios bade pamitan heula ka
wargi-wargi.”
62 Waler Isa, “Geus arek prak ngawuluku

diselang luak-lieuk ka tukang mah, moal


bisa kaaku di Karajaan Allah.”
1 Geus kitu, Jungjunan urang

10 nujul murid-murid sejen tujuh


puluh urang, diutus duaan-duaan;
nya sina ngadatangan kota-kota
jeung tempat-tempat lianna anu bakal
disumpingan ku Anjeunna.
2 Saur-Na, “Pibuateun teh lega, ari nu

dibuat ngan saeutik. Perlu nyuhunkeun


ka Anu kagunganana, supaya ngintun
jelema-jelema keur ngagarapna.
3 Bral didoakeun; sabab maraneh diutus

ka ditu teh, lir domba anu dikeprik ka


tengah ajag.
LUKAS 10.4–11 67
4 Ulah mawa rajut duit atawa bekel,
ulah mawa tarumpah, jeung sapanjang
di jalan ulah uluksalam ka sasaha.
5 Memeh asup ka imah batur, uluksalam

heula: Sing wilujeng nu kagungan bumi!


6 Upama uluksalam maraneh dijawab

sapantesna, tandaning katarimaeun.


Upama teu dipalire, teureuy deui bae eta
uluksalam teh.
7 Upama ditarima, pek nganjrek di

dinya, susuguhna tarima, boh dahareun


atawa inumeun; — sabab baranggawe
teh, wajib meunang upah — jeung ulah
pundah-pindah.
8 Mun maraneh datang ka hiji kota sarta

ditarima, susuguhna tarima.


9 Mun aya anu garering cageurkeun,

jeung bejakeun yen Karajaan Allah bakal


tereh ngadeg di dinya.
10 Tapi lamun eta kota embungeun

nampa, papay jalan-jalan gedena bari


cumeluk kieu:
11 ‘Sanajan lebuna pisan, kekebul ieu

kota anu napel kana suku kuring, ayeuna


dikebutkeun hareupeun panon aranjeun.
Tapi ayeuna geura tengetkeun: Karajaan
Allah tereh ngadeg!’
LUKAS 10.12–16 68
12 Cek Kami: Di mana cunduk waktuna,
anu bakal karandapan ku nagara
Sadumu, bakal leuwih enteng ti batan
eta kota.”
13 “Cilaka maneh tanah Korasin! Cilaka

maneh tanah Betsaida! Sabab lamun


heug mujijat-mujijat anu karandapan
ku maraneh teh, karandapanana ku
nagri Tirus jeung Sidon; ti bareto keneh
oge, tangtu maranehna geus tarobat
dibarung jeung prihatin.a
14 Engke dina poean nibankeun

kaadilan, anu bakal karandapan ku Tirus


jeung Sidon bakal leuwih enteng ti batan
anu bakal karandapan ku maraneh.
15 Oge maneh, tanah Kapernaum!

Pangrasa teh bakal dijungjung tepi ka


langit? Lain kitu: Maneh bakal tigeblus
ka jero Karajaan almaot!”
16 Geus kitu, Anjeunna sasauran ka

murid-murid-Na, kieu, “Sing saha anu


daek ngadenge ka maraneh, eta teh
daek ngadenge ka Kami. Sing saha anu
nampik ka maraneh, eta teh nampik ka
Kami. Sing saha anu nampik ka Kami,
eta teh nampik ka Allah anu ngutus
Kami.”
aZa 9:2-4
LUKAS 10.17–21 69
17 Murid-murid, anu tujuh puluh tea,
geus baralik semu gumbira. “Jungjunan,”
cek maranehna “setan-setan oge taluk
ka abdi sadaya pedah nguping jenengan
Jungjunan!”
18 Saur Isa, “Ku Kami katenjo si Iblis

ragrag lir kilat ti langit.


19 Saenyana maraneh ku Kami geus

dibekelan kawasa pikeun nincakan


oray jeung kalajengking, nya kitu deui
kakuatan pikeun ngalawan kakuatan
musuh, nepi ka euweuh bahayana ka
maraneh.
20 Tapi bungah teh, ulah pedah roh-roh

tea taraluk ka maraneh; kudu bungah


teh ku sabab ngaran maraneh geus aya
dina daptar di sawarga.”
21 Saharita keneh, ku pangaruhna

Ruh Allah, Isa ngaraos bingah


sakalangkung; kedal lisan-Na kieu,
“Hatur nuhun, nun Ama Jungjunanning
bumi langit, wireh eta sadaya perkawis
ku Ama dirasiahkeun ka nu palinter
sareng terpelajar, nanging ku Ama
dibukakeunana teh ka jalma-jalma
leutik. Nuhun, nun Ama, wireh kagungan
pangersa kitu.
LUKAS 10.22–27 70
22 Sagala rupi perkawis ku kersa Ama
parantos dipasrahkeun ka Jisim Abdi
sareng moal aya anu terang ka Putra
lintang ti Kangjeng Rama; moal aya nu
terang ka Kangjeng Rama, lintang ti
Putra sareng jalmi-jalmi anu ku Putra
bade dipasihan terang.”
23 Geus kitu, Anjeunna ngareret

ka murid-murid, terus sasauran ka


maranehna, saur-Na, “Kacida bagjana
panon anu bisa nenjo anu katenjo ku
maraneh teh.
24 Sabab saenyana, cek Kami: Loba

nabi-nabi jeung raja-raja anu harayang


nenjo ka eta anu katenjo ku maraneh
teh, tapi teu aya nu pareng. Oge
loba anu harayang ngadenge anu
kadarenge ku maraneh teh, tapi taya nu
diparengkeun.”
25 Hiji mangsa, aya hiji ahli Kitab arek

ngadoja ka Isa, pokna, “Kudu kumaha


ieu simkuring, supaya tinemu sareng
hirup anu langgeng?”
26 Waler-Na, “Kumaha cek pangajaran

Toret? Naon anu kabaca?”


27 Walonna, “Kudu wedi asih ka

Pangeran Allah nu disembah ku maneh,


ku hate, ku jiwa, ku akal budi, sakuat
LUKAS 10.28–34 71
tanaga. Jeung: Kudu nyaah ka batur sing
cara ka awak sorangan.”
28 Saur Isa, “Bener kitu. Pek lakonan,

tangtu tinemu jeung hirup.”


29 Tapi eta ahli Kitab teh hayang bener

sorangan, pok deui ngadoja, “Saha


sasamaning hirup simkuring teh?”
30 Waler Isa, “Aya anu nyaba, mudun ti

Yerusalem ka Yeriko. Manehna dipegat


ku begal. Tuluy babawaanana dirampog
jeung awakna dipahala; sanggeus kitu,
lur bae manehna ditinggalkeun satengah
paeh.
31 Kabeneran aya imam ngaliwat ka

dinya, korban rampog katenjoeun, tapi


manehna teh anggur nguriling jalanna.
32 Lar deui saurang, kaom Lewi; barang

nenjoeun ka eta korban, oge nguriling


kawas nu tadi.
33 Ti dinya, jol urang Samaria eukeur

nyaba, ngaliwat ka dinya. Barang ret ka


nu cilaka, hatena ngaleketey awahing ku
karunyaeun.
34 Geuwat diboro, raheutna dibeberan,

terus dikucuran ku minyak jeung ci


anggur. Geus kitu, diunggahkeun kana
kalde tungganganana, terus dibawa ka
hiji panginepan sarta dirawatan.
LUKAS 10.35–41 72
35 Isukna, manehna mikeun duit ka
nu boga panginepan, bari omongna,
‘Pangrawatankeun. Ieu keur ongkosna.
Bisi kurang, engke bae digantian bari
balik.’
36 Cik, di antara eta nu tiluan, saha

sasamaning manusa eta korban rampog


teh?”
37 Jawabna, “Anu nembongkeun

karunya ka manehna.” Saur Isa, “Bener,


pek turutan!”
38 Di satengahing perjalanan, Isa

samurid-murid anjog ka hiji desa,


ditampi ku hiji wanita ngaran Marta.
39 Marta boga dulur hiji, ngaranna

Maryam. Maryam gek diuk, emok


deukeut kana sampean Jungjunan,
ngabandungan cariosana-Na.
40 Ari Marta pakpikpek sasadiaan. Geus

kitu, Marta unjukan ka Anjeunna, pokna,


“Jungjunan, bade diantep bae eta pun
dulur ngeunah-ngeunah, ari abdi repot
sosoranganan ngalalayanan? Piwarang
mantuan atuh!”
41 Tapi ku Jungjunan diwaler, “Marta,

Marta! Teu kudu salempang bari


ngarerepot maneh sagala rupa.
LUKAS 10.42–11.7 73
42 Ieu nu perlu teh, turutan: Maryam
mah geus milih anu utama, tur moal
ucul deui ti dirina.”
1 Hiji mangsa Isa neneda di hiji

11 tempat. Anggeus neneda-Na aya


murid anu mihatur, “Jungjunan, ajar
abdi-abdi neneda, sapertos Yahya ka
murid-muridna.”
2 Saur Isa, “Ari maraneh neneda teh

kudu kieu: Nun Ama, jenengan Ama


mugi disucikeun. Karajaan Ama mugi
dongkap.
3 Mugi abdi-abdi dipaparin tedaeun

sadidintenna.
4 Sareng mugi dihapunten nya

dosa, rehing abdi-abdi oge parantos


ngahampura ka batur anu aya lepatna ka
abdi-abdi; sareng mugi abdi-abdi ulah
dicandak kana dodoja.”
5 Saur-Na deui, “Upama maraneh,

datang ka imah sobat tengah peuting


arek nginjeum roti tilu siki,
6 pedah kadatangan sobat anu

kapeutingan sarta teu boga keur


nyuguhan;
7 piraku ki sobat tega ngajawab embung

diganggu da geus tutulak, geus harees


wegah hudang wegah merean.
LUKAS 11.8–14 74
8 Cek Kami: Sakumaha wegaheunana
hudang pikeun nedunan pamentana nu
jadi sobat tea, tapi ku sabab nu mentana
teh, keukeuh; tungtungna mah, tangtu
hudang pikeun nedunan kaperluan
sobatna.
9 Kitu nu matak cek Kami: Penta, tangtu

dibikeun. Teangan, tangtu kapanggih.


Keketrok, tangtu dibuka.
10 Sabab saha-saha anu menta, tangtu

dibere; saha anu neangan, tangtu


manggih; saha-saha anu ngetrok-
ngetrok, tangtu dipangmukakeun
panto.
11 Bapa mana, lamun anakna menta

lauk, ana sok dibere oray!


12 Atawa mun menta endog, ana sok

teh kalajengking!
13 Jadi, lamun maraneh anu doraka

nyaho keneh mere anu matak


mangpa'at ka anak, geus komo Rama
maraneh nu di sawarga mah! Pek, ka
Anjeunna suhunkeun Ruh Allah, tangtu
dipaparinkeun.”
14 Hiji mangsa, Isa ngusir setan anu

ngabisukeun hiji jelema. Sanggeus setan


tea nyingkah, nu pireuna bisaeun deui
ngomong, matak bengong jalma rea.
LUKAS 11.15–21 75
15 Tapi wet aya anu nyeletuk kieu,
“Ngusirna setan teh make kawasa
Beelsebul, gegedug setan.”
16 Aya oge anu ka Anjeunna menta

tanda ti sawarga, maksudna ngadoja.


17 Tapi Isa tingalieun kana niatna,

lajeng nyarios, “Karajaan mana oge ari


baruntak mah tangtu ruksak, rumah
tangga anu baruntak tangtu ambruk.
18 Iblis oge kitu, ari baruntak jeung

merangan batur sorangan mah,


karajaanana teh kumaha rek bisa tagen?
Cek maraneh, Kami ngusir setan teh
make kawasa Beelsebul.
19 Lamun Kami ngusir setan make

kawasa Beelsebul, ari balad aranjeun


ngusirna rek make kawasa naon? Tangtu
maranehna bakal nyalahkeunana teh ka
aranjeun.
20 Tapi ku sabab Kami ngusir setan

ku kawasa-Na Gusti, eta saenyana,


nandakeun yen Karajaan Allah teh geus
aya di aranjeun.
21 Upama anu ngajaga imahna sorangan

teh, jelemana, gagah tur pakarangna


lengkep. Harta kakayaanana, tangtu
aman.
LUKAS 11.22–27 76
22 Tapi lamun diserang tepi ka elehna ku
anu leuwih gagah, pakarang andelanana
tangtu dirangsadan, harta kakayaanana
dirampas dipajorewatkeun.
23 Anu henteu saihwan jeung Kami,

tandaning ngalawan. Anu henteu


sabeungkeutan jeung Kami, tandaning
ngabaruntakkeun.”
24 “Di mana roh jahat geus ingkah

ti hiji jelema, sok ngulayab neangan


panonoban nu suni. Ana teu manggih,
pok ngomong sorangan, ‘Aing rek balik
deui ka imah anu bareto.’
25 Barang diteang deui, kasampak urut

enggonna teh geus lalingih beresih jeung


bareres.
26 Eta roh jahat teh, leos indit heula

neangan batur. Sanggeus meunang


tujuh roh sejen anu leuwih jahat, terus
bareng nyurup. Tungtungna, — jelema
anu diranjingan teh — kaayaanana, jadi
leuwih sangsara ti bareto.”
27 Sabot Anjeunna sasauran keneh,

ngong ti tengah jalma rea aya wanita


ngomong kieu ka Anjeunna, “Bagja
temen ibu anu kantos ngakandung
Anjeun sareng pinareup anu kantos
nginangan Anjeun.”
LUKAS 11.28–32 77
28 Tapi waler-Na, “Anu bagja tea mah,
anu ngaregepkeun dawuhan-dawuhan
Allah bari jeung ngalakonanana.”
29 Waktu Isa dirarubung deui ku jalma

rea, Anjeunna nyarios, “Ieu umat jaman


kiwari teh, umat anu doraka. Maranehna
menta tanda, tapi taya tanda anu rek
ditembongkeun iwal ti tanda Nabi Yunus.
30 Sabab sakumaha Nabi Yunus geus

jadi tanda pikeun urang nagara Ninewe,


nya kitu Putra Manusa oge bakal jadi
tanda pikeun umat jaman kiwari.
31 Dina poean pangadilan, ratu anu ti

Kidul tea, baris muncul bareng jeung


ieu umat sarta baris ngahukum ka
maranehna. Sabab ieu ratu teh, geus
merlukeun sumping ti tungtung bumi ku
hayang-hayangna nyaksikeun kapinteran
Raja Sulaeman. Padahal anu ayeuna
keur jonghok di dieu teh, leuwih ti batan
Raja Sulaeman!
32 Oge urang nagara Ninewe, dina poe

pangadilan tea bakal muncul bareng


jeung ieu umat sarta baris ngahukum ka
maranehna. Sabab urang nagara Ninewe
mah, barang ngadarenge embaran ti
Nabi Yunus teh, buru-buru tarobat.
LUKAS 11.33–39 78
Saenyana, anu keur jonghok ayeuna di
dieu teh leuwih ti batan Nabi Yunus!”
33 “Sing saha ge, moal aya anu

nyeungeut lampu keur teundeuneun


di kolong dipan atawa turubaneun ku
gentong. Tangtuna, keur teundeuneun
dina parantina, supaya nyaangan ka nu
araya di imah.
34 Sakumaha panon minangka palita

awak: Lamun panon walagri, sakujur


awak caang; lamun panon ruksak,
sakujur awak poek.
35 Nya kitu pisan kudu diperhatikeun,

supaya terangna caang diri urang teh


ulah nepi ka robah jadi poek.
36 Lamun sakujur diri urang caang,

taya babagian anu kapoekan; sakujurna


tangtu caang, sakumaha lampu anu
cahayana nyaangan ka urang.”
37 Satamatna Isa ngawulang, Anjeunna

diondang tuang ku hiji urang Parisi. Ku


Anjeunna ditedunan, lajeng tuang.
38 Eta urang Parisi ngarasa heran,

dumeh Anjeunna memeh tuang teh


henteu wawasuh heula panangan.
39 Tapi Anjeunna ngalahir, “Aranjeun

mah, urang Parisi! Ari barang sipat


lahir kayaning cacangkir jeung pinggan
LUKAS 11.40–45 79
dikumbah, ari batin pinuh ku napsu
rarampas jeung kajahatan-kajahatan
lianna.
40 Aranjeun teh kabalinger! Ari anu

dijadikeun ku Allah teh naha lain sipat


lahir ongkoh, sipat batin ongkoh?
41 Sidekahkeun eta nu sipat batin teh,

supaya diri aranjeun sagemblengna


ngajadi beresih.
42 Tapi cilaka aranjeun, urang Parisi!

Sabab ari sereh, jinten jeung bangsa


sayur-sayuran perpuluhanana ku
aranjeun dibayar, ari murah asih jeung
kaasihan Allah ditoker. Benerna mah,
lakonan anu sarupa, anu sarupa deui
oge ulah dipopohokeun.
43 Cilaka aranjeun, urang Parisi! Sabab

aranjeun, ari di tempat ibadah resep


diuk nyongcolang-nyengceling; kitu
deuih di pasar-pasar, aranjeun teh resep
kana narima panghormat teh.
44 Cilaka aranjeun teh! Sabab teu beda

ti makam anu teu make tetengger,


anu laliwat teu nyarahoeun yen nincak
makam.”
45 Aya saurang ti antara ahli-ahli Kitab

anu nempas kieu, “Guru, ana kitu Anjeun


teh ngahina oge ka golongan kaula!”
LUKAS 11.46–51 80
46 Ku Anjeunna diwaler, “Aranjeun oge
ahli-ahli Kitab, cilaka! Sabab aranjeun
ngabugbrugkeun momotan leuwih ti
ukuran ka batur. Ari aranjeun sorangan
mah, noel ge henteu.
47 Cilaka aranjeun, sok nyieun makam

nabi-nabi; padahal, eta nabi-nabi teh,


beunang maehan karuhun aranjeun.
48 Pagawean aranjeun kitu teh

nuduhkeun, yen aranjeun satuju kana


kalakuan karuhun. Karuhun anu maehan
nabi-nabi-Na, aranjeun anu nyieun
makamna.
49 Pantes carek ujaring hikmat Allah:

Kami baris ngutus ka maranehna


nabi-nabi jeung rasul-rasul, nu sawareh
ku maranehna bakal dibinasa; kitu deui
nu sawarehna, ku maranehna teh bakal
dikaniaya,
50 supaya ieu umat kiwari, nandangan

wawales getih sakabeh nabi anu geus


dikucurkeun ti barang dunya gumelar.
51 Mimiti ti getih Habil nepi ka getih

Jakaria anu dipaehan antara mezbah


jeung Bait Allah. Sakali deui, cek Kami:
Eta kabeh baris dipenta ka ieu umat
kiwari.
LUKAS 11.52–12.4 81
52 Cilaka aranjeun, he ahli-ahli Kitab!
Sabab aranjeun nyumputkeun koncining
pangaweruh kana Toret; aranjeun
sorangan teu asup ka dinya, ari batur
anu seja arasup dihalang-halang!”
53 Sanggeus Anjeunna angkat ti dinya,

ahli-ahli Kitab jeung urang Parisi teh


henteu weleh ngintip-ngintip picilakaeun
Anjeunna bari hantem ngadoja ku
rupa-rupa sual.
54 Estuning dipancing-pancing diarah

lepat saur-Na, supaya bisa ditangkep.


1 Sajeroning kitu, rebuan

12 jelema karumpul deui nepi ka


pacocok-cocok. Isa ngawulang deui ka
murid-murid-Na heula, saur-Na, “Sing
ati-ati, ulah nepi kapangaruhan ku ragi
kamunapekan urang Parisi.
2 Saniskara anu disumput-sumput geus

tangtu kabuka atawa anu ku maraneh


diucapkeun rerencepan, tangtu bakal
kadenge terang-terangan;
3 atawa anu diharewoskeun kana ceuli di

jero kamar, tangtu bakal diuar-uarkeun


tina loteng-loteng.
4 Dulur-dulur kami ngingetan: Ulah

sieun ku anu ukur bisa ngabinasa kana


LUKAS 12.5–11 82
awak, tapi geus kitu teu bisa nanaon
deui.
5 Ku Kami rek diterangkeun, saha

anu wajib dipikasieun: Anu wajib


dipikasieun teh, nya eta Anjeunna anu
iasa maehkeun tur kagungan kawasa
ngajebloskeun maraneh ka naraka.
Sakali deui: Masing sieun ku Anjeunna!
6 Piit lima siki, hargana teh lain ngan

peperakan bae? Tapi sahiji ge, taya anu


dilali-lali ku Allah.
7 Malah buuk anu dina sirah maraneh

oge, kabeh geus dietang. Ku sabab eta


ulah salempang, da pangaji maraneh teh
leuwih ti batan piit saabrulan.
8 Ceuk Kami: Saha-saha anu ngaku

ka Kami di kalangan manusa, Putra


Manusa oge baris ngaku ka manehna di
hareupeun malaikat-malaikat Allah.
9 Sabalikna, anu nampik ka Kami di

kalangan manusa, oge bakal ditampik di


hareupeun malaikat-malaikat Allah.
10 Tiap jelema anu omonganana

ngalawan ka Putra Manusa, bisa keneh


dihampura. Tapi anu ngagogoreng Ruh
Allah mah, moal dihampura.
11 Lamun maraneh dijagragkeun ka

majelis-majelis, ka pamarentah, atawa


LUKAS 12.12–18 83
ka pembesar-pembesar, ulah bingung
kumaha ngomongna enggoning ngabela
diri.
12 Sabab waktu eta keneh oge, Ruh

Allah tangtu mere piomongeun.”


13 Ngong ti jalma rea aya anu mihatur

ka Isa, “Guru, pangwawadiankeun pun


dulur, supados babagi warisan sareng
abdi.”
14 Tapi ku Anjeunna diwaler kieu,

“Kisanak, na saha anu ngajenengkeun


Kami jadi hakim pikeun mutus urusan
maneh?”
15 Saur-Na deui ka nu loba, “Kahade

sing ati-ati, ulah hawek. Sabab jelema


teh, najan sugih mukti beurat beunghar;
umurna mah, henteu gumantung kana
harta kakayaanana.”
16 Geus kitu, Anjeunna nyarioskeun

hiji misil ka maranehna, saur-Na, “Aya


jelema beunghar, hasil bumina mucekil.
17 Ngomong dina hatena: Kumaha nya

peta, ieu hasil bumi teh di mana deui


nyimpenna.
18 Wah kieu bae: Gudang-gudang nu

geus aya dirombak, nyieun deui anu


leuwih gede keur sisimpenan, boh
gandum, boh barang-barang sejenna.
LUKAS 12.19–24 84
19 Terus aing rek ngogo maneh: Tah,
banda enggeus loba, numpuk nyusun
mahi keur mangtaun-taun; pek reureuh,
dahar, nginum, senang-senang!
20 Tapi Allah ngadawuh ka manehna:

Eh, nu gejul, peuting ieu keneh nyawa


maneh baris dicabut ku Kami! Cik
keur saha engke eta banda beunang
kukumpul teh?
21 Tah kitu, balukarna jelema anu

ngumpul-ngumpul bae kabeungharan


keur sadirieunana bari jeung henteu
beunghar di payuneun Allah teh.”
22 Isa ngalahir ka murid-murid-Na deui,

“Ku sabab eta, Kami rek ngawawadian ka


maraneh: Pikeun hirup ulah salempang
ku pangan; pikeun awak ulah salempang
ku sandang.
23 Sabab penting keneh hirupna, ti

batan pangan; penting keneh awakna, ti


batan sandang.
24 Pek titenan manuk gagak, tara teuing

tandur, tara dibuat, teu boga gudang


atawa leuit, tapi ku Allah teu burung
diparaban. Komo deui maraneh, anu
jauh tangeh pangajina ti batan gagak!
LUKAS 12.25–31 85
25 Naha ari ku salempang teh maraneh
pibisaeun nyambung jalaning hirup
barang saasta?
26 Ari rumasa teu sanggup nyieun

barang anu paling teu pira, naon gunana


salempang ku hal-hal sejen?
27 Perhatikeun kembang bakung, tara

nganteh tara ninun, tapi cek Kami:


Raja Sulaeman anu sakitu agungna,
panganggona mah eleh alus ku kembang
bakung.
28 Kitu oge jukut di tegalan, anu poe

ieu aya keneh isukna geus diawurkeun


kana seuneu, ku Allah teu burung
diropea; atuh komo deui maraneh, eh
anu karurang iman!
29 Kitu nu matak ulah sok ngarasula,

sieun teu dahar, sieun teu make, barina


jeung leutik hate.
30 Memang eta hal teh, ku jelema-

jelema anu teu wawuh ka Allah mah,


ditareang. Nanging Rama maraneh mah
uninga, yen maraneh teh butuh ku
sagala kaperluan eta.
31 Teangan heula Karajaan Anjeunna,

da pangabutuh hirup mah tinangtu ku


Anjeunna diwuwuhan.
LUKAS 12.32–39 86
32 Ulah honcewang, eh barisan leutik!
Sabab ku kersaning nu jadi Rama,
maraneh teh ginanjar eta Karajaan.
33 Jual kabeh harta milik, sidekahkeun!

Kudu boga pepeten anu teu keuna ku


ruksak, nya eta banda sawarga nu
moal aya sudana, moal kagadabah ku
bangsat, jeung moal diruksak ku geget.
34 Sabab di mana ayana harta

banda maneh, di dinya hate maneh


cumantelna.”
35 “Sing caringcing, sing saringset

taki-taki, jeung ulah pareumeun damar.


36 Maraneh teh sing kawas nu keur

ngadago-dago dunungan ti nu hajat


ngawinkeun, supaya di mana dunungan
datang keketrok, maraneh bisa gancang
muka panto.
37 Untung bujang anu ku dununganana

kasampak nyaring. Cek Kami:


Dununganana tangtu singkil, nitah
dalahar ka maranehna bari seug
ngalaladenan.
38 Lamun datangna tengah peuting

atawa janari, untung bujang-bujang anu


kasampak nyaring ngadago.
39 Maraneh nyaho: Lamun nu boga

imah nyaho iraha-irahana bangsat


LUKAS 12.40–46 87
pidatangeunana, tangtu taki-taki, moal
ngantep imahna dibongkar.
40 Maraneh oge, kudu waspada; sabab

Putra Manusa teh, datang-Na teu


kataksir ti anggalna.”
41 Petrus mihatur, “Jungjunan, eta misil

teh nujul ka abdi-abdi bae atanapi ka


sadayana?”
42 Saur-Na, “Cik, pangawas rumah

tangga anu mana nu geten tulaten,


anu ku dununganana bakal diangkat
ngapalaan bujang-bujang sejen,
baris mere dahar ka maranehna dina
waktuna?
43 Untung eta bujang teh, lamun

dununganana datang kasampak


manehna keur ngalakonan papancen.
44 Cek Kami: Ku dununganana,

manehna, bakal diangkat kana ngurus


sakabeh harta bandana.
45 Sabalikna, lamun eta gandek nyangka

dununganana moal tereh-tereh datang,


bari tuluy nyiksa ka nu pada-pada
bubujang jeung lalanjang; ari manehna
ngadon dahar, nginum, jeung mabok.
46 Ana kurutak dunungan datang

dina poe jeung waktu anu jauh tina


sangkaanana, munasabah lamun ku
LUKAS 12.47–51 88
dununganana nepi ka disiksa oge,
sina sanasib jeung jelema-jelema anu
barengkok sembah.
47 Gandek anu nyaho kana karep

dunungan, tapi henteu parigel atawa


henteu jeung prakna ngalakonan
karep dunungan, tangtu dirangketan
pupuasan.
48 Sabalikna, gandek anu teu nyaho

kana karep dunungan, nepi ka nyieun


kasalahan anu balukarna matak
dirangket, dirangketna moal sabaraha.
Anu loba narimana, loba deui dipentana;
anu kacida dipercayana, leuwih gede
deui tanggung jawabna.”
49 “Kami datang rek ngalungkeun

seuneu ka ieu bumi, bari kacida ngarep-


ngarepna, sing hurung eta seuneu
teh!
50 Kami wajib meunangkeun baptisan;

samemeh eta kasorang, Kami kacida


susahna!
51 Naha panyangka teh Kami datang rek

mawa karapihan ka ieu bumi? Lain, cek


Kami: Lain mawa karapihan, tapi mawa
picekcokkeun.
LUKAS 12.52–58 89
52 Sabab mimiti ti semet ieu, antara
lima urang di sahiji imah bakal cekcok,
tilu lawan dua, dua lawan tilu.
53 Maranehna bakal cekcok: Bapa jeung

anak lalaki; anak lalaki jeung bapa;


indung jeung anak awewe; anak awewe
jeung indung; mitoha awewe jeung
minantu awewe; minantu awewe jeung
mitoha awewe.”
54 Saur-Na deui ka jalma rea, “Mun

di langit beulah kulon aya mega, cek


maraneh bakal hujan jeung enya hujan.
55 Mun angin niup ti kidul, cek maraneh

bakal panas poe jeung enya panas poe.


56 Eh, jelema-jelema munapek, kana

galagat bumi jeung langit maraneh


tenget!
57 Jeung ku naon teu barisa nimbang-

nimbang perkara nu pibenereun?


58 Benerna, lamun maraneh ku nu

jadi lawan dibawa ka pangadilan,


meungpeung di jalan keneh ulah weleh
ihtiaran nepi ka lawan daekeun akur,
supaya maneh teu tulus dikahakimkeun.
Lamun henteu kitu, manehna tangtu
bakal nyelehkeun maneh ka nu wajib,
maneh dijebloskeun ka jero panjara.
LUKAS 12.59–13.6 90
59 Cek Kami: Maneh moal kaluar-luar ti
dinya, samemeh hutang maneh lunas.”
1 Harita, aya sababaraha jelema

13 wawartos ka Isa ngeunaan


sawatara urang Galilea, anu carekna
mah getihna ku Pilatus dicampurkeun
kana getih sato anu ku maranehna keur
dikurbankeun.
2 Waler Isa, “Na dikira ku maraneh, eta

urang-urang Galilea teh leuwih doraka


ti batan urang Galilea umumna, pedah
nasibna nepi ka kitu?
3 Cek Kami, henteu. Maraneh sorangan

ge, ari henteu tarobat mah, tangtu cilaka


kawas kitu.
4 Nya kitu deui jelema-jelema anu

dalapan belas urang, anu katinggang


munara deukeut kota Siloam tea; naha
maranehna teh leuwih doraka, batan
urang Yerusalem nu lianna?
5 Cek Kami, henteu. Maraneh sorangan

oge, ari henteu tarobat mah, tangtu


cilaka kawas kitu.”
6 Geus kitu, Anjeunna nyarioskeun hiji

misil, saur-Na, “Aya jelema anu boga


tangkal kondang di kebon anggurna;
tuluy ditanggahan sugan buahan, tapi
henteu.
LUKAS 13.7–14 91
7 Pok dibejakeun ka pangebonna,
kieu, ‘Geus katilu usum ayeuna, ieu
kondang teh unggal diilikan bet teu
buahan-buahan. Tuar bae. Keur naon
dipiara oge, ngaheurinan bae lahan!’
8 Cek pangebonna, ‘Ingkeun heula

juragan sataun deui mah, urang cobi


diputer sareng urang gemuk;
9 manawi taun payun mah daekeun

buahan. Upami teu buahan keneh bae,


nembe tuar.’”
10 Hiji mangsa, poe Sabat, Isa

ngawulang di hiji tempat babakti.


11 Di dinya aya hiji awewe anu diganggu

roh jahat geus dalapan belas taun,


nepi ka ngajadikeun panyakit bongkok;
bengkung henteu bisa ajeg.
12 Ku Isa disaur, tuluy ngalahir, “Ibu,

geura cageur!”
13 Anjeunna lajeng numpangkeun

panangan ka manehna; anu terus cageur


saharita keneh, tuluy muji sukur ka
Pangeran.
14 Tapi kapala tempat babakti mah

anggur ambek, dumeh Anjeunna


nyageurkeun dina poe Sabat. Pok,
manehna, ngomong ka jalma rea, “Aya
genep poe, waktu pikeun barang gawe
LUKAS 13.15–21 92
teh. Coba datang ka dieu teh dina antara
waktu eta, ari rek menta dicageurkeun
mah, ulah dina poe Sabat!”
15 Tapi ku Isa diwaler kieu, “Eh, jelema-

jelema munapek! Aranjeun, najan keur


poe Sabat, lain sok ngencarkeun sapi
atawa kalde ti kandang, terus dibawa
diinumkeun?
16 Ieu awewe teh geus dalapan belas

taun dibarogodna ku Iblis, naha ulah


dileupaskeun sina bebas; da manehna
ge turunan Ibrahim keneh?”
17 Diwaler kitu, lawan-lawan Anjeunna

jadi areraeun sorangan. Sabalikna, jalma


rea mah, — nu nyaksian padamelan
Anjeunna anu sakitu mulyana teh —
semu saruka pisan.
18 Saur-Na deui, “Saibarat naon ari

Karajaan Allah? Jeung naon anu bisa


dipake ngibaratkeunana?
19 Saibarat siki sasawi nu diipuk

dipelakkeun, ana geus jadi gede,


dahan-dahanna nepi ka bisa dipake
nyayang manuk.
20 Kana naon deui diupamakeunana

Karajaan Allah teh?


21 Lir upama ragi, sasiki oge matak bisa

ngahaseuman tipung tarigu tilu taker.”


LUKAS 13.22–28 93
22 Isa jengkar, angkat ti kota ka kota, ti
desa ka desa bari ngawulang, ngajugjug
Yerusalem.
23 Aya anu mihatur ka Anjeunna,

“Jungjunan, leres kitu anu baris salamet


teh mung saeutik?”
24 Saur Anjeunna ka maranehna, “Kudu

maksakeun maneh asup tina lawang


anu sempit. Sabab cek Kami: Loba
anu harayangeun asup mah, tapi teu
barisaeun.
25 Lamun nu boga imah geus tutulak,

ari maraneh di luar nya bari keketrok,


nya bari ngalengis: Juragan! Juragan!
Menta dipangmukakeun panto tea; ku
Anjeunna tangtu dijawab: Kami teu
nyaho maraneh teh anu ti mana.
26 Walon maraneh: Abdi-abdi kantos

neda sareng nginum di payuneun


Juragan; Juragan ge sok ngawuruk di
sisi-sisi jalan di lembur abdi-abdi.
27 Tapi saur Anjeunna: Kami teu nyaho

maraneh teh anu ti mana. Nyingkah ka


dituh, jelema-jelema jahat!
28 Tangtu maraneh tinggarerung jeung

kekerot huntu! Sabab engke ku maraneh


katenjo Ibrahim, Isak, Yakub, jeung
kabeh nabi-nabi, geus araya di Karajaan
LUKAS 13.29–34 94
Allah; sedeng maraneh mah, baris
dijongklok-jongklokkeun ka luareunana.
29 Jeung engke oge katenjo jelema-

jelema daratang ti Wetan, ti Kulon, ti


Kaler, ti Kidul, ngarariung dalalahar di
Karajaan Allah.
30 Memang kitu buktina: Aya

nu majuna pangpandeurina, ari


datangna pangheulana; aya nu
majuna pangheulana, ari datangna
pangpandeurina.”
31 Ti dinya, aya sawatara urang Parisi

anu wawartos ka Isa, yen Raja Herodes


geus siap arek nelasan ka Anjeunna.
Jadi, Anjeunna kudu enggal-enggal
angkat ti tempat eta.
32 Tapi waler Isa, “Bejakeun ka eta

si rubah, kieu: Kami ngusir setan,


nyageur-nyageurkeun nu gering, ayeuna
jeung isukan; ari dina poe nu katilu,
kawajiban Kami baris anggeus kabeh.
33 Tapi poe ieu, isukan, atawa pageto,

ieu perjalanan ku Kami rek diteruskeun


ka ditu. Sabab teu umum, pikeun
nabi mah, lamun dipaehanana lain di
Yerusalem teh.
34 Beu Yerusalem, Yerusalem, tukang

maehan nabi-nabi, tukang maledogan


LUKAS 13.35–14.5 95
utusan-utusan ku batu! Mindeng Kami
teh nyileuk hayang ngumpulkeun
anak-anak maneh, — lir hayam mepende
anak-anakna handapeun jangjang —
tapi weleh teu daraekeun.
35 Masing inget, saenyana, maneh teh

bakal suwung pada naringgalkeun. Cek


Kami: Maneh moal nenjo-nenjo Kami
deui, nepi ka datang sa'atna maraneh
ngucap: Mugi diberkahan Anjeunna, anu
sumping ngemban jenengan Pangeran.”
1 Dina hiji poe Sabat, Isa sindang

14 tuang ka hiji pepentol urang


Parisi. Tamu-tamu sejenna, kacida
ngarawaskeunana ka Anjeunna.
2 Sabot kitu, jol aya jelema busung

ngadon nangtung payuneuna-Na.


3 Anjeunna ngalahir ka ahli-ahli Kitab

jeung urang Parisi, saur-Na, “Meunang


Kaula nyageurkeun ayeuna dina poe
Sabat?”
4 Maranehna teu ngajawab. Tuluy ku

Anjeunna, — nu busung teh, dicepeng


leungeunna — busungna dicageurkeun;
geus kitu, dipiwarang indit.
5 Anjeunna sasauran deui, “Lamun

kalde atawa sapi aranjeun tigebrus ka


LUKAS 14.6–12 96
jero sumur dina poe Sabat, naha moal
ditulungan?”
6 Euweuh anu sanggup ngajawab.
7 Ku Anjeunna katiten, yen tamu-tamu

teh bangun parebut tempat terhormat.


Pok, Anjeunna ngalahir, saur-Na,
8 “Lamun aranjeun pareng aya nu

ngondang kana hajat kawinan, ulah


diuk di tempat terhormat, bisi geus
disadiakeun pikeun tamu anu leuwih
luhur batan aranjeun.
9 Ulah nepi ka ditegor ku nu boga hajat:

Ngalih, ieu mah kangge juragan anu.


Meureun aranjeun kaisinan kudu pindah
ka tempat nu pangtukangna.
10 Lamun datang ka nu hajat, diuk teh,

mending di tempat nu pangbocetna bae.


Teu mustahil nu boga hajatna muru ka
anjeun bari ngahaturanan: Sae ngalih
ka ditu, ka payun! Meureun aranjeun teh
asa diajenan di hareupeun tamu-tamu
sejenna.
11 Sabab saha-saha anu ngunculkeun

maneh, bakal direndahkeun. Saha-saha


anu ngarendahkeun maneh, bakal
diunculkeun.”
12 Saurna deui, ka nu nuangkeun ka

Anjeunna, “Bisi anjeun aya niat hajat, —


LUKAS 14.13–18 97
beurang atawa peuting — nu diondang
teh ulah ngan sobat-sobat, dulur-dulur,
kulawarga, atawa tatangga-tatangga
anu baleunghar bae anu kuateun males
ngondang nepi ka anjeun meunang
pamulangtarimana.
13 Rek ngondang mah ka nu miskin, ka

nu cacad, ka nu lumpuh, ka nu lolong.


14 Tangtu bakal karasa kumaha bagjana

rarasaan, najan maranehna mah


moal kuat ngabales da taya kaboga.
Babalesna mah pasti katarima ku anjeun
dina poean hudangna jelema-jelema anu
balener.”
15 Geus kitu, tamu nu saurang mihatur

ka Isa, “Bagja temen jalmi anu bakal


dijamu di Karajaan Allah.”
16 Tapi saur Isa ka manehna, “Aya anu

nyieun hajat gede, ngondangan loba


pisan.
17 Sanggeus hajatna arek der

ngamimitian, manehna nitahan


bujang-bujangna sina ngahaturanan
ondangan-ondangan: Mangga geura
sarumping, parantos sayagi.
18 Tapi nu diarondangna, kabeh marenta

ditawakup. Cek saurang: Tawakup bae,


LUKAS 14.19–25 98
kakara tas meuli kebon, hayang ngilikan
heula.
19 Cek nu sejen-sejenna: Tawakup bae,

kakara tas meuli sapi kabiri lima rakit,


rek dicobaan.
20 Aya oge anu akon-akon anyar kawin

jadi teu bisa datang.


21 Bujang-bujang teh, lalapor ka

dununganana. Jawab dununganana bari


ambek: Teang ka jalan-jalan cagak; anu
miskin, anu cacad, anu lolong, jeung anu
lumpuh, sina ka darieu.
22 Bujang-bujang teh lalapor deui:

Pamundut parantos dilakonan, nanging


tempat aya keneh anu kosong.
23 Cek dununganana: Teang deui

ka jalan-jalan jeung sisimpangan-


sisimpangan. Sakur nu kapanggih bawa
ka dieu, paksa bae, supaya imah kami
pinuh.
24 Cek Kaula ka andika: Ti nu geus

diarondang mah saurang ge moal aya


anu milu ngasaan kumaha ni'matna
kadaharan Kami.”
25 Hiji mangsa, anu naluturkeun Isa teh

kacida lobana. Anjeunna nyoreang tuluy


sasauran ka maranehna,
LUKAS 14.26–32 99
26 “Anu rek milu ka Kami, tapi henteu
iklas ninggalkeun bapa, indung,
pamajikan, anak, dulur lalaki, dulur
awewe, jeung ka diri sorangan, moal
bisa jadi murid Kami.
27 Anu embung manggul salib, tapi

hayang milu ka Kami, moal bisa jadi


murid Kami.
28 Sabab upama bae maraneh rek

nyieun munara, naha lain kudu ngitung-


ngitung heula piongkoseunana: Cukup
atawa moal nepi ka eta pagawean
anggeus.
29 Engke, hanas rarancang geus

nangtung, tapi anggeus henteu; kapan


jadi piomongeun batur:
30 Humayua make hayang ngabangun,

ari nganggeuskeun teu bisa.


31 Atawa raja mana anu arek mapag

perang henteu ngitung-ngitung heula


sanggup henteuna ku serdadu salaksa
ngalawan musuh anu perjuritna dua
laksa?
32 Mun teu sanggupeun, tangtu

musuh anu jauh keneh teh dipapag


ku utusanana anu kudu mawa badami
ngajak dame.
LUKAS 14.33–15.5 100
33 Nya kitu deui maraneh, saha bae, ari
teu iklas ninggalkeun sakabeh nu jadi
milik mah, moal bisa jadi murid Kami.
34 Uyah teh gede gunana, tapi lamun

jadi tiis taya rasana, rek bisa asin ku


naon deui?
35 Keur lahan taya gunana, keur gemuk

kitu keneh, iwal ti kudu dipiceun. Anu


rumasa ceulina paranti ngadenge, pek
pake ngadenge!”
1 Tukang cuke, kitu deui jelema-

15 jelema anu kasebutna doraka,


daratang ka Isa seja ngadarengekeun
kasaurana-Na.
2 Ari urang Parisi jeung ahli Kitab

tinggelendeng, “Eta Anjeunna make


daek nampa jalma-jalma doraka, dahar
bareng sagala!”
3 Tapi Isa nyarios ka aranjeunna

malapah gedang, saur-Na,


4 “Upama aranjeun boga saratus

domba, leungit hiji; kumaha jeung anu


salapan puluh salapan deui, na aranjeun
teh moal ninggalkeun heula di tegalan
pikeun neangan anu leungit tea?
5 Jaba ti eta, kumaha lamun geus

kapanggih? Kapan eta domba teh mani


dipunggu ku atoh-atohna.
LUKAS 15.6–12 101
6 Nepi ka imah, tuluy nepungan
babaturan jeung tatangga bari nyarita:
Kuring boga pakaulan sabab domba nu
leungit teh geus kapanggih.
7 Cek Kaula ka aranjeun: Nya kitu oge

di sawarga; lamun aya saurang jelema


doraka tobat, atohna teh leuwih ti ku nu
salapan puluh salapan anu geus balener
jeung teu perlu ku pertobat.”
8 “Atawa, lamun aya awewe boga

sapuluh dinar, leungit hiji; cik kumaha,


diteang moal? Kapan nepi ka masang
lampu sarta imahna disapuan, nepi ka
dinarna kapanggih deui.
9 Ana geus kapanggih, terus nyalukan

babaturan jeung tatangga bari nyarita:


Kuring boga pakaulan sabab dinar kuring
anu leungit kapanggih deui.
10 Cek Kaula ka aranjeun: Nya kitu

pisan deuih, lamun aya saurang jelema


doraka tobat, malaikat-malaikat ciptaan
Allah teh pohara barungaheunana.”
11 Saur-Na deui, “Aya nu boga anak

lalaki dua.
12 Anu bungsu ngomong ka bapana:

‘Bapa, harta banda urang teh anu keur


bagian abdi mah disuhunkeun ayeuna
bae.’ Bapana nurut, tuluy babagi.
LUKAS 15.13–20 102
13 Heuleut sawatara poe, si bungsu
ngajualan warisan bagianana kabeh;
geus kitu, manehna indit ngalalana
ka nagara sejen anu jauh. Di dituna,
manehna roroyalan.
14 Barang duitna beak, datang bae

paceklik, si bungsu mimiti malarat.


15 Tuluy ngadon buburuh ka urang

dinya. Ku dununganana dititah ngangon


bagong.
16 Bakating ku lapar, manehna ku loloh

bagong ge nepi ka kabita. Tapi watir, nu


kitu oge euweuh nu mere.
17 Kakara manehna eling ka diri, tuluy

humandeuar: ‘Di bapa mah kuli gereyek,


dahareun ngaleuya; ari aing nepi ka
kudu paeh kalaparan!
18 Mending balik, arek wakca ka bapa:

Bapa, abdi rumaos doraka, ka sawarga


sareng ka bapa;
19 entong diangken deui anak, rumaos

teu pantes, damel kuli bapa bae abdi


mah.’
20 Sanggeus mikir kitu, bral bae

indit, balik ka bapana. Jauh keneh ku


bapana geus katenjoeun sarta pohara
watireunana; tuluy diburu, barang prok
LUKAS 15.21–27 103
amprok, gabrug bae si bungsu teh
dirangkul ku bapana.
21 Pok, si bungsu nyarita: ‘Bapa, abdi

rumaos doraka, ka sawarga sareng ka


bapa; ayeuna mah, entong diangken
deui anak, rumaos teu pantes.’
22 Tapi bapana, anggur nitah ka

bujangna: ‘Bawa ka dieu jubah anu


pangalusna keur ieu anak kami; oge ali
jeung tarumpah, keur ieu anak kami.
23 Peuncit deuih anak sapi anu

panglintuhna, urang pakaulan.


24 Sabab ieu anak kami anu geus paeh,

ayeuna hirup deui; anu geus leungit,


datang deui.’ Geus kitu, si bungsu teh
dipestakeun.
25 Ari lanceukna, harita eukeur di tegal.

Barang balik geus deukeut ka imah,


ngadenge aya sora suling jeung lagu
tari-tarian.
26 Tuluy nyalukan bujang saurang,

nanyakeun: ‘Aya naon eta di imah?’


27 Jawab si bujang: ‘Tuang rai sumping,

ku tuang rama dipangmeuncitkeun anak


sapi anu lintuh tea, dumeh putrana
sumping deui kalayan teu kirang
sawios-wios.’
LUKAS 15.28–16.1 104
28 Si cikal terus pundung, embungeun
ka imah. Tuluy ku bapana di teang bari
dicombo.
29 Tapi cek si cikal teh: ‘Abdi babantu

di bapa teh, parantos mangtaun-taun


sareng can kungsi ngalawan parentah;
tapi ku bapa, teu dibere anak embe-
embe acan pikeun abdi sukan-sukan
jeung babaturan.
30 Ayeuna, eta tuang putra anu nembe

sumping entas ngawur-ngawur harta


banda bapa; anu entas senang-senang
sareng palacur-palacur, ku bapa mani
dipangmeuncitkeun anak sapi anu sakitu
lintuhna.’
31 Walon bapana: ‘Anaking, ujang mah

kapan jeung bapa bae; jeung deui,


banda bapa teh, nya banda ujang keneh.
32 Asa pantes, urang ayeuna sukan-

sukan suka bungah sabab adi ujang anu


sasatna geus paeh, ayeuna hirup deui;
anu leungit, datang deui.’”
1 Saur Isa ka murid-murid-Na,

16 “Aya anu beunghar; manehna


boga hiji pagawe nu jadi bendaharana.
Aya anu ngabejaan yen kakayaanana
geus dihambur-hambur ku eta
bendahara.
LUKAS 16.2–8 105
2 Bendaharana dipanggil jeung ditanya:
‘Naha euy maneh teh bet kitu bejana?
Kami menta pertanggungan jawab
sabab maneh teu meunang terus jadi
bendahara.’
3 Cek eta bendahara dina hatena:

‘Kumaha akal? Ku dunungan dipecat tina


bendahara. Pucal-pacul teu kauntup,
menta-menta era.
4 Euh kieu, sangkan ari geus dipecat

tina bendahara, aya anu daekeun


nyanggap ka aing.’
5 Ti dinya manehna manggilan anu

baroga hutang ka dununganana,


saurang-saurang. Nanya ka nu kahiji:
‘Sabaraha hutang ka juragan?’
6 Dijawab: ‘Saratus tong minyak.’

Carekna: ‘Tah ieu surat hutangna, tah


diuk, ganti ku nu anyar, jieun lima puluh
tong.’
7 Nanya ka nu kadua: ‘Sabaraha hutang

teh?’ Dijawab: ‘Saratus pikul gandum.’


Carekna: ‘Ieu surat hutangna, ganti ku
nu anyar, jieun dalapan puluh pikul.’
8 Dununganana jadi muji oge ka eta

bendahara anu teu jujur teh, muji ku


pelitna. Memang nu pidunya mah, ngatur
LUKAS 16.9–13 106
hartana teh, leuwih bisa ti batan nu ta'at
ka Allah.
9 Ku sabab eta cek Kami: Pek, eta

Mamon, — harta anu teu lana tea


— ku maraneh pake pikeun nyieun
pisobateun; supaya dina mangsa harta
tea geus teu bisa nulung deui, maraneh
bisa ditarima di tempat kalanggengan.”
10 “Anu satia nyekel urusan leutik,

tangtu satia nyekel urusan gede. Anu


geus teu bener nyekel urusan leutik,
komo-komo nyekel urusan gede.
11 Jadi, lamun maraneh teu bener dina

urusan Mamon anu teu lana, saha anu


daek mercayakeun ka maraneh harta
sajatining harta?
12 Jeung lamun maraneh teu jujur

dina ngurus harta batur, saha anu baris


mercayakeun ka maraneh harta anu jadi
hak maraneh sorangan?
13 Ari gandek moal bisa ngaulaan dua

dunungan. Sabab dina kituna, tangtu


ngan bisa mikaresep ka saurang, tapi
ka nu saurang deui mikangewa. Atawa
ka nu saurang satia, ka nu saurang deui
ngolembar. Maraneh moal bisa ngaula ka
Allah bari mupunjung ka Mamon.”
LUKAS 16.14–19 107
14 Eta kasauran Anjeunna kadarengeeun
ku urang Parisi, anu piduit tea, sarta ku
aranjeunna diiyehkeun.
15 Tapi saur Isa, ka aranjeunna,

“Aranjeun bisa bae ngakukeun diri bener


ka papada jelema. Tapi Allah mah,
uninga kana pangeusi hate aranjeun.
Ongkoh anu dipikaresep ku jelema teh,
ari ku Allah mah dipikacua.
16 Hukum Toret jeung kitab nabi-nabi

teh, kakuatanana nepi ka semet jaman


Yahya. Sanggeus eta, Karajaan Allah
diwawarkeun, jelema-jelema parebut
harayangeun asup.
17 Leuwih gampang musna langit jeung

bumi, ti batan gagalna hiji cecek tina


hukum Toret.
18 Unggal jelema anu nyerahkeun

pamajikan, tuluy ngawin awewe sejen,


eta jinah. Kitu deui lalaki, anu mana
bae anu kawin ka eta awewe beunang
nyerahkeun, eta jinah.”
19 “Aya jelema beunghar, papakeanana

bangsa nu wungu-wungu bae, pakean


jerona tina lawon bangsa lalemes.
Unggal-unggal poe, gawena, sukan-
sukan mewah pisan.
LUKAS 16.20–24 108
20 Aya deui saurang, nu ieu mah miskin,
ngaranna Lasarus, awakna pinuh ku
borok. Manehna sok ngadon ngalungsar
deukeut lawang, tempat masamoan
jelema beunghar tea;
21 manehna teh ngarep-ngarep bubuk

roti, — anu murag tina meja makan


sakadar keur ganjel beuteung — tapi
malah anjing-anjing, nu daratang
ngalaletakan borokna.
22 Geletuk, Ki Miskin teh maot; tuluy

manehna, ku para malaikat teh dipayang


ka pangkonan Ibrahim.
23 Geletuk deui, anu beunghar tea oge

maot, terus dimakamkeun. Di alam


maot, — satengahing ngarandapan
siksaan — manehna tanggah; ti
kajauhan teh, ku manehna katenjo Nabi
Ibrahim keur mangkon Ki Lasarus.
24 Tuluy manehna gegeroan: ‘Ama

Ibrahim, sing hawatos ka abdi. Lasarus


piwarang ka dieu nganclomkeun
tungtung curukna kana cai, tetelkeun
kana letah abdi ngarah rada tiis, margi
parantos teu kiat ku seuneu anu sakieu
panasna.’
LUKAS 16.25–17.1 109
25 Waler Ibrahim: ‘Anaking sing inget;
maneh mah waktu keur hirup geus
seubeuh, ari Lasarus ngan sangsara bae.
26 Jaba ti eta, antara kami jeung

maneh teh aya jungkrang anu hamo


bisa kasorang. Anu ti dieu, moal bisa ka
dinya; anu ti dinya, moal bisa ka dieu.’
27 Walonna: ‘Ama, upami kitu mah atuh

piwarang bae anjeunna ka rorompok pun


bapa;
28 da abdi teh gaduh dulur limaan, keun

sina dipepelingan ku Lasarus, supados


maranehna mah ulah kantos tigebrus ka
ieu enggon siksaan.’
29 Tapi saur Ibrahim: ‘Kapan barogaeun

panyaksen Nabi Musa jeung nabi-nabi


sejen. Turut bae eta.’
30 Walonna: ‘Sanes kitu ama Ibrahim;

manawi ari didongkapan ku anu hudang


tina maot mah tiasa babalik pikir.’
31 Waler Ibrahim: ‘Ari teu nurut kana

panyaksian Nabi Musa jeung nabi-nabi


mah, najan didatangan ku nu paeh hirup
deui oge hamo datang ka tobat.’”
1 Isa nyarios ka murid-murid,

17 saur-Na, “Teu meunang


henteu, tangtu bakal aya dodoja anu
LUKAS 17.2–7 110
nyasarkeun. Tapi cilaka, pikeun jelema
anu ngalantarankeun ayana eta dodoja.
2 Jelema anu kitu, mending

dibangbaluhan beuheungna ku
batu panggilingan, tuluy balangkeun ka
laut, ti batan matak nyasabkeun salah
saurang ti ieu kaom anu lemah.
3 Jaga diri maraneh! Upama aya dulur

boga dosa ka maraneh, pepelingan;


lamun manehna kaduhungeun, kudu
dihampura.
4 Malah najan sapoe tujuh kali dosa,

tapi lamun tujuh kali ngarasa kaduhung,


ku maneh kudu dihampura.”
5 Rasul-rasul mihatur, “Jungjunan,

pasihan abdi-abdi iman kapercayaan.”


6 Waler Jungjunan, “Upama maraneh

boga kapercayaan najan ngan sagede


siki sasawi, tangtu bisa marentah ka ieu
tangkal kondang: Maneh sing karabut,
tuluy melak maneh di laut, tangtu
diturut.”
7 “Upamakeun salah saurang ti maraneh

boga bujang. Eta bujang kakara datang


tas ngawuluku atawa tas ngangon
pipiaraan. Pamohalan ku dununganana
dititah buru-buru dahar?
LUKAS 17.8–14 111
8 Malah cek dununganana teh tangtu:
Geura sadiakeun heula dahareun keur
kami, ganti pakean, laladenan kami nepi
ka beres dahar nginum, kakara maneh
dahar. Lain kitu?
9 Jeung piraku dununganana nyebut

nuhun ka eta bujangna pedah pamentana


diturut!
10 Maraneh oge, ari tas lakon gawe anu

diwajibkeun teh kudu ngarumasakeun


kieu: Urang mah ukur abdi-abdi nu taya
pangaji, darma ngalakonan timbalan.”
11 Dina perjalanan ka Yerusalem, Isa

angkatna mapay wawatesan tanah


Samaria jeung Galilea.
12 Barang sumping ka hiji desa,

Anjeunna ditepungan ku sapuluh jelema


lepra. Maranehna narangtung bae di nu
rada jauh.
13 Tuluy arunjukan rada tarik, “Nun Isa,

Guru abdi, mugi aya sih piwelas ka abdi


sadaya!”
14 Isa neuteup ka maranehna, lajeng

nimbalan, “Bral, tembongkeun awak


maraneh ka imam!” Sabot maranehna
laleumpang, dadak sakala jadi calageur,
leprana leungit tanpa lebih.
LUKAS 17.15–21 112
15 Anu saurang, barang yakin yen
manehna geus cageur; geuwat manehna
balik deui bari muji sukur ka Pangeran,
sorana ditarikkeun;
16 datang-datang teh, brek bae,

manehna nyuuh kana sampean Isa bari


pohara nganuhunkeun ka Anjeunna. Eta
jelema teh urang Samaria.
17 Anjeunna nimbalan, “Lain geus

calageur kabeh eta nu sapuluh urang


teh? Mana anu salapan urang deui?
18 Naha maranehna henteu ka darieu

deui pikeun muji sukur ka Pangeran? Na


ngan ieu urang asing wungkul atuh?”
19 Geus kitu, nimbalan ka eta jelema,

“Nangtung, geura balik, maneh geus


salamet ku lantaran iman kapercayaan
maneh.”
20 Ngawaler pertanyaan urang Parisi

ngeunaan iraha-irahana pidatangeunana


Karajaan Allah; saur Isa kieu, “Karajaan
Allah datangna tanpa tanda-tanda
lahiriah.
21 Ku jalma-jalma moal bisa

disebutkeun: Ieu di dieu! Atawa


itu di ditu! Sabab saenyana mah,
Karajaan Allah teh aya di kalangan
aranjeun.”
LUKAS 17.22–29 113
22 Saur-Na deui, ka murid-murid-Na,
“Engke aya waktuna maraneh hayang
nyaksian salah sahiji poe datang-Na
Putra Manusa, tapi moal kalakon.
23 Engke bakal aya nu ngomong ka

maraneh: Tuh Anjeunna teh di ditu!


Atawa: Ieu Anjeunna teh! Kade, ulah
kabengbat, ulah kabawakeun.
24 Sabab sakumaha kilat ngerelep ti

tungtung langit ka tungtungna deui, nya


kitu keneh Putra Manusa oge datang-Na
teh.
25 Tapi samemeh eta, Anjeunna teh

kudu nandangan sangsara heula jeung


ditampik ku jelema-jelema jaman kiwari.
26 Datangna Putra Manusa teh dina

jaman anu teu beda ti jaman Nabi Enoh.


27 Jelema-jelema teh gawena ngan

dahar, nginum, nikah, jeung ditikahkeun


nepi ka poean Nabi Enoh unggah kana
kapal; tuluy der bae caahna datang sarta
ngabinasakeun sakabeh jelema.
28 Oge cara kajadian keur jaman

Elut: Jelema-jelema gawena dahar,


nginum, jarual meuli, pulak-pelak, jeung
ngaradegkeun.
29 Sanggeus Elut kaluar ti nagara

Sadumu, breg bae, turun hujan


LUKAS 17.30–37 114
seuneu jeung walirang ti langit sarta
ngabinasakuen sakabeh jelema nu aya
di dinya.
30 Nya kitu halna, dina poean Putra

Manusa nganyatakeun Anjeun oge.


31 Dina poean eta, lamun keur aya di

loteng paniisan, ulah turun ka jero imah


pikeun nyokot nanaon heula. Kitu deui,
anu keur araya di tegalan, ulah ka imah
heula.
32 Sing eling, kumaha nasibna

pamajikan Elut!
33 Sing saha anu ngabelaan nyawa,

bakal kaleungitan nyawa. Sing saha anu


kaleungitan nyawa, eta nu mawa rahayu.
34 Cek Kami ka maraneh: Dina peuting

eta, mun aya duaan sare saranjang, nu


saurang bakal dicandak, nu saurang deui
ditinggalkeun.
35 Dua awewe keur ngagiling, nu

saurang bakal dicandak, saurang deui


ditinggalkeun.
36 Dua jelema keur di taregal, nu

saurang bakal dicandak, saurang deui


ditinggalkeun.”
37 Cek maranehna ka Anjeunna, “Di

mana Jungjunan teh?” Waler-Na, “Di


LUKAS 18.1–7 115
mana aya bangke, di dinya ngagulungna
manuk-manuk anu bareuki bangke.”
1 Geus kitu, Isa nyarioskeun

18 hiji misil pikeun nandeskeun


yen maranehna ulah bosen kana
sembahyang.
2 Saur-Na, “Di hiji nagara aya hiji hakim

anu teu sieun ku Allah jeung tara pisan


ngahargaan batur.
3 Di dinya keneh, aya hiji randa anu

sering datang ka eta hakim menta dibela


perkarana urusan jeung lawan.
4 Geus sakitu lilana, pamentana teh,

ku eta hakim ditolak bae. Tapi lila-lila,


eta hakim teh ngomong dina hatena:
‘Najan aing teh teu sieun ku Allah jeung
sangeuk ngahargaan batur,
5 tapi si randa teh nyusahkeun pisan;

keun ku aing rek dimeunangkeun,


supaya ulah terus bae datang deui,
datang deui, bisi malik nyalahkeun
aing.’”
6 Saur Jungjunan, “Pek eta omongan

hakim anu lalim teh lenyepan!


7 Na Allah teh teu kersa ngabela

umat pilihana-Na anu beurang peuting


sasambat ka Anjeunna? Jeung memeh
LUKAS 18.8–13 116
ngabela teh naha Anjeunna sok
ngulur-ngulur waktu heula?
8 Cek Kami: Anjeunna mah moal tempo

deui, tangtu ngabela ka maranehna.


Najan kitu, lamun engke Putra Manusa
datang, kira-kirana bakal manggihan
iman kapercayaan di ieu dunya?”
9 Isa nyaurkeun deui hiji misil,

ditujukeun ka jelema-jelema anu


umangkeuh ibadah bari nyapirakeun
batur, saur-Na,
10 “Aya dua jelema arasup ka Bait Allah

rek sembahyang. Nu saurang, urang


Parisi, nu saurang deui tukang cuke.
11 Ari urang Parisi dina hatena kieu

sembahyangna: ‘Ya Allah, simkuring


muji sukur ka Anjeun; jalaran simkuring
mah, henteu sami sareng anu sanes,
sanes rampog, sanes jelema kejem,
sanes tukang jinah, sareng oge henteu
sami sareng eta si tukang cuke.
12 Simkuring mah dua minggu sakali

sok puasa, kawajiban mayar perpuluhan


tina panghasilan dicumponan.’
13 Ari tukang cuke tea, nangtungna oge

nyingkurkeun maneh, jeung teu wani


dangah; malah bari jeung neunggeulan
dada, — sembahyangna teh — pokna:
LUKAS 18.14–18 117
‘Duh Gusti Pangeran, jisim abdi rumaos
dosa, taya sanes mung nyuhunkeun sih
piwelas-Na.’
14 Cek Kami: Ieu tukang cuke mulangna

teh geus jadi jelema anu kaetang


bener ku Allah; ari nu saurang deui
mah, henteu. Sabab saha-saha
anu umangkeuh jeung luhur hate,
bakal direndahkeun; saha-saha
anu ngarendahkeun maneh, baris
dijungjung.”
15 Ti dinya, loba anu dararatang marawa

anakna anu laleutik keneh ka Isa,


rek marenta dipangusapkeun. Ari ku
murid-murid dicarekan.
16 Tapi saur Isa, ka maranehna,

“Ingkeun eta barudak teh sina ka


Kami, ulah dihalang-halang, sabab
nya jelema-jelema anu kawas eta anu
ngamilik Karajaan Allah teh.
17 Cek Kami: Saenya-enyana, saha-

saha anu henteu narima Karajaan Allah


sakumaha budak leutik, manehna moal
bisa asup ka dinya.”
18 Aya hiji pamingpin, nanyakeun kieu

ka Isa, “Nun Guru anu saestu, simkuring


teh kudu kumaha, supaya tinemu sareng
hirup anu langgeng?”
LUKAS 18.19–26 118
19 Waler Isa, “Naha Kami disebut
saestu? Saurang ge teu aya anu saestu,
kajaba ti Allah nyalira.
20 Tangtu anjeun ge uninga kana

timbalan-timbalan Allah anu kieu: ‘Ulah


jinah, ulah maehan, ulah maling, ulah
ngucapkeun panyaksen palsu, jeung
kudu hormat ka indung bapa.’”
21 Walonna, “Eta parantos dilakonan, ti

ngongora.”
22 Jawabanana, ku Isa diwaler deui,

“Aya keneh sarupa deui anu kudu


dijalankeun: Jualan kabeh pangaboga,
bagi-bagikeun ka nu mariskin; engke,
tangtu bakal meunang harta sawarga;
geus kitu, ka dieu deui, tuturkeun Kami.”
23 Dititah kitu teh, eta jelema mani

melenguk, inget kana kakayaanana.


24 Ku Isa dipeleng bae, geus kitu

Anjeunna sasauran, “Bangga pisan


pikeun jelema nu loba duit mah rek asup
ka Karajaan Allah teh.
25 Babari keneh onta nyeplos kana liang

jarum, ti batan jelema beunghar asup ka


Karajaan Allah.”
26 Anu ngadarenge eta kasaurana-Na

ngaromong kieu, “Kitu galagatna mah,


atuh saha nu bisa disalametkeun?”
LUKAS 18.27–34 119
27 Saur Isa, “Anu mustahil cek manusa,
pikeun Allah mah bisa.”
28 Petrus mihatur, “Ieu abdi-abdi teh

parantos cul sagala rupi sarta ngiring ka


Jungjunan.”
29 Saur Isa, “Kieu cek Kami, saenya-

enyana, saha-saha anu ku lantaran milih


Karajaan Allah cul imah, cul pamajikan,
cul dulur, cul kolot, jeung cul anak,
30 dina waktu ieu keneh sakur

anu ditinggalkeun teh baris kaganti


manglipet-lipet; jeung engke, dina
jaman nu bakal datang, bakal ginanjar
hirup nu langgeng.”
31 Murid-murid anu dua belas ku Isa

dipanggil, terus kieu saur-Na, “Ayeuna


urang ka Yerusalem. Sagala rupa perkara
anu geus diserat ku nabi-nabi, tina hal
Putra Manusa, tinangtu bukti.
32 Sabab Anjeunna bakal diselehkeun

ka bangsa anu teu wawuh ka Allah,


dihina-hina, dipoyok, diciduhan,
33 dikaniaya, sarta terus dipaehan ku

maranehna; tapi dina poe nu katilu,


tangtu Anjeunna teh hirup deui.”
34 Tapi murid-murid teh, kabeh oge,

euweuh anu ngarti. Kasaurana-Na teh,


LUKAS 18.35–43 120
hartina henteu katepi, maksudna henteu
kasusud.
35 Sanggeus Anjeunna meh sumping ka

kota Yeriko, aya nu lolong keur andiprek


musapir di sisi jalan.
36 Ngadenge loba jelema ngasrek,

manehna nanyakeun, “Aya naon?”


37 Dijawab, “Isa, urang Nasaret,

ngalangkung.”
38 Tuluy manehna ngagero, “Nun Isa,

Putra Daud, mugi aya piwelas ka abdi!”


39 Ku nu laleumpang panghareupna

dicarek sina repeh. Tapi gegeroanana


beuki tarik, “Nun Putra Daud, mugi aya
piwelas ka abdi!”
40 Reg, Isa liren, nu lolong dipiwarang

dicandak ka Anjeunna. Sanggeus


dideuheuskeun ku Anjeunna dipariksa,
41 “Hayang dikumahakeun ku Kami

teh?” Jawabna, “Nun Jungjunan, abdi


teh hayang tiasa ningal!”
42 Saur Isa, “Heug, geura bisa nenjo.

Maneh geus salamet lantaran boga


iman!”
43 Sapada harita keneh, bray bae,

panonna awas; terus milu ngiring ka


Anjeunna bari ngamulyakeun ka Allah.
LUKAS 19.1–8 121
Bala rea anu nyaraksian oge ragem
maruji ka Allah.
1 Isa lebet ka jero kota

19 Yeriko, neraskeun perjalanan


ngalangkungan eta kota.
2 Di eta kota aya hiji jelema beunghar,

kapala tukang cuke, ngaranna Sakeus.


3 Manehna pohara hayangna nyaho

kumaha jelemana anu jenengan Isa teh,


tapi teu bisa lantaran kahalangan ku
jalma rea; ma'lum manehna teh pendek.
4 Kitu nu matak manehna lumpat

miheulaan nu rea, terekel naek kana


tangkal kondang megat Isa, anu
memang baris ka dinya ngalangkungna.
5 Di lebah dinya, Isa tanggah bari

ngalahir, “Sakeus, turun! Poe ieu Kami


arek nganjang ka maneh.”
6 Sakeus tuturubun, Isa ku manehna

dimanggakeun bari semu anu bungah.


7 Tapi jalma rea gegelendeng, pokna,

“Kumaha Anjeunna teh, bet kersa calik


ka jelema anu doraka kitu!”
8 Tapi Sakeus terus unjukan bangun

tatag, “Jungjunan, kagaduh abdi


satengahna sumeja dihajatkeun ka nu
mariskin. Sareng bilih bae di antawisna
LUKAS 19.9–14 122
aya kekengingan tina meres batur, bade
dipulangkeun opat kalieun.”
9 Ku Isa diwaler, “Poe ieu, rumah tangga

ieu jelema geus meunang nugraha, da


ieu oge putu Ibrahim keneh.
10 Sabab Putra Manusa teh datangna

rek neang jeung nyalametkeun anu


poekeun jalan.”
11 Ka sakur anu harita ngabarandungan

Anjeunna, nya eta anu nyangka yen


Karajaan Allah tereh ngawujud pedah
Anjeunna geus deukeut ka Yerusalem,
Anjeunna nyarioskeun hiji misil.
12 Saur-Na, “Aya hiji ningrat indit ka

nagara jauh. Di dituna anjeunna teh rek


dijenengkeun raja sarta sarengsena rek
balik deui.
13 Memeh bral, anjeunna manggil heula

sapuluh pagawena; tuluy maranehna


teh dititipan duit, gedena sapuluh mina;
pesenna: ‘Golangkeun ku maraneh nepi
ka kami datang ti ditu.’
14 Tapi eta ningrat teh, teu dipisuka

ku sakumna warga nagara. Maranehna


ngajurungan utusan sina nyusul sarta
bebeja kieu: ‘Urang mah embung
dirajaan ku eta jelema.’
LUKAS 19.15–22 123
15 Sanggeus eta ningrat anu geus
jeneng raja balik, pagawe-pagawe anu
dititipan duitna dipanggil, rek nanyakeun
kauntungan masing-masing.
16 Cek nu saurang: ‘Juragan, artos anu

sa-mina teh parantos jadi sapuluh mina.’


17 Cek dununganana: ‘Sukur, tandaning

maneh hade gawe, suhud dina nyekel


urusan leuleutikan. Ku sabab eta, ku
kami dibere kawasa nyekel sapuluh
kota.’
18 Jol anu kadua, omongna: ‘Juragan,

artos anu sa-mina teh parantos jadi lima


mina.’
19 Cek dununganana: ‘Maneh ayeuna

dikawasakeun nyekel lima kota.’


20 Jol pagawe nu katilu, omongna:

‘Juragan, artos kagungan anu sa-


mina teh ieu kasanggakeun, kenging
mumungkus dina saputangan;
21 da sieun ku juragan, margi terang

juragan teh bengis, sareng resep


nyandak teundeun batur, resep mupu
pelak batur.’
22 Cek dununganana: ‘Maneh pagawe

jahat, ku kami baris ditindak satimpal


jeung omongan maneh bieu. Ongkoh
LUKAS 19.23–29 124
nyaho kami bengis, resep nyokot
teundeun batur, resep mupu pelak batur.
23 Komo nyaho, naha eta duit kami ku

maneh henteu menta dipanggolangkeun


ku tukangna, supaya ari kami balik ku
kami katampa reujeung batina?’
24 Ti dinya, manehna marentah ka

pagawe-pagawe sejenna: ‘Cokot ti ieu


jelema, eta duit anu sa-mina teh; bikeun
ka nu duitna geus jadi sapuluh mina.’
25 Cek maranehna: ‘Juragan, kapan eta

mah parantos kenging sapuluh mina.’


26 Tembal dununganana: ‘Cek kami, anu

geus aya beubeunanganana bakal dibere


deui, tapi anu henteu beubeunangan
mah, anu geus aya di manehna oge baris
dicokot.
27 Saterusna, kabeh musuh-musuh

kami anu henteu suka kami jadi rajana,


jagragkeun kabeh ka dieu terus paehan
di dieu hareupeun kami.’”
28 Sanggeus sasauran kitu, Isa angkat

ti payun neraskeun perjalanan ka


Yerusalem.
29 Deukeut kota Betpage jeung Betania

anu pernahna di hiji gunung ngaran


Gunung Jetun, Anjeunna miwarangan
dua murid,
LUKAS 19.30–38 125
30 saur-Na, “Teruskeun ka kampung
beh hareup. Engke, barang sup ka dinya
bakal nenjo kalde keur dicangcang,
ngora keneh can aya nu numpakan. Laan
cangcangna, terus bawa ka dieu.
31 Mun aya nu ngageureuh-geureuh ku

naon dileupaskeun, bejakeun bae rek


dianggo ku Jungjunan.”
32 Bral nu duaan arindit, kaldena

kapanggih cocog jeung nu disaurkeun


tadi.
33 Sabot ngudar cangcangna, nu bogana

nanyakeun naha dileupaskeun?


34 Dijawab, “Rek dianggo ku Jungjunan.”
35 Kalde disanggakeun ka Isa sarta

geus beunang nilaman ku pakean


maranehna. Ku Isa dititihan dibantuan
ku maranehna.
36 Sabot kitu, jelema-jelema teh bur-bar

ngalamparkeun jubahna di jalan.


37 Sanggeus deukeut ka Yerusalem,

— di pupudunan Gunung Jetun —


murid-murid anu ngariring mimiti
galumbira jeung maruji ka Allah; sorana
tarik, galumbira lantaran kaparengkeun
narenjo mujijat-mujijat.
38 Cek maranehna, “Wilujeng Anjeunna,

anu sumping jumeneng Raja kalayan


LUKAS 19.39–44 126
jenengan Pangeran. Kerta santosa di
sawarga, agung luhur nu di manggung!”
39 Sawatara urang Parisi anu milu

jeung aleutan jalma rea mihatur ka Isa,


“Eh, Guru cobi eta murid-murid Anjeun
carek!”
40 Waler-Na, “Cek Kaula, lamun

maranehna repeh, tah batu nu bakal


surak teh.”
41 Sanggeus deukeut ka Yerusalem

sarta geus katingalieun; Anjeunna


sasauran semu ngalimba ngeunaan
nasib eta,
42 “Tada teuing hadena, upama heug

maneh poe ieu ngarasa yen maneh


teh pohara mikabutuhna kasajahtraan.
Hanjakal maneh teh lir meungpeunan
mata!
43 Sabab pidatangeun mangsa baris

dirurug musuh, dikepung ti unggal juru


ditingker rapet nepi ka mojok.
44 Maneh katut sakumna rayat baris

tumpur jadi lebu, rata saampar lemah.


Eta teh bongan maneh keneh, embung
malire keur waktu pitulung ti Pangeran
tumiba.”
LUKAS 19.45–20.4 127
45 Ti dinya Isa lebet ka Bait Allah. Anu
keur jarual meuli di dinya ku Anjeunna
diusiran;
46 sarta kieu pilahir-Na, “Cek Kitab,

Gedong Kami teh gedong paranti


sembahyang. Tapi ku maraneh dijieun
guha begal.”
47 Saterusna, saban-saban poe

Anjeunna ngawuruk di Bait Allah. Ku


imam-imam kapala, ku ahli-ahli Kitab,
jeung ku pepentol-pepentol bangsa Israil
terus diarah-arah bae rek ditelasan.
48 Tapi maranehna henteu manggih

pijalaneun sabab rayat kabeh katarik


sarta narurut ka Anjeunna.
1 Dina hiji poe, waktu Isa

20 ngawuruk jeung nyarioskeun


Injil ka jalma rea di Bait Allah, torojol
imam-imam kapala, ahli-ahli Kitab,
jeung para kokolot nyalampeurkeun.
2 Terus maranehna teh nanya kieu, “Cik

sebutkeun ka kaula, make hak naon


Anjeun nyieun hal sarupa kitu, saha anu
ngawasakeuna-Na?”
3 Waler Isa, “Kaula oge arek nanya ka

aranjeun. Cik sebutkeun:


4 Ari pangbaptis Yahya ti sawarga atawa

ti jelema?”
LUKAS 20.5–11 128
5 Aranjeunna nimbang-nimbang,
“Disebutkeun ti sawarga, meureun
dijawab-Na ku naon atuh teu dipercaya?
6 Disebutkeun ti jelema, bisa-bisa urang

dirempug ku rayat dibaledogan ku batu.


Sabab cek maranehna mah, Yahya teh
nabi.”
7 Tungtungna, aranjeunna ngawalon teu

terang bae ti mana eta pangbaptis Yahya


teh.
8 Saur Isa ka aranjeunna, “Atuh Kaula

oge moal nerangkeun make hak naon


Kaula nyieun hal sarupa kitu.”
9 Geus kitu, Anjeunna nyarioskeun ieu

misil ka jalma rea, saur-Na, “Aya nu


muka kebon anggur, tuluy disewakeun ka
sababaraha urang; geus kitu, manehna
nyaba ka nagri sejen rada lila.
10 Dina musim panen, manehna

ngajurungan pagawena ka nu
nyararambut tanahna, sina nyokot hasil
bagianana. Tapi jurungan teh, ku eta
anu nyarambut dipahala, terus disina
balik nyamos.
11 Ngajurungan saurang deui; tapi

anu ieu oge dipahala, diera-era ku


maranehna, terus sina balik nyamos.
LUKAS 20.12–17 129
12 Ngajurungan deui katilu kalina; tapi
nya kitu keneh ditareunggeulan, terus
dijongklokkeun ka luareun kebon.
13 Cek nu boga tanah: ‘Kumaha akal?

Keun ayeuna mah anak nu ngan


hiji-hijina sina ka ditu. Sugan ku anak
aing mah sarieuneun.’
14 Tapi barang nyaho yen ayeuna

mah anakna pisan anu datang, nu


nyarambut tanah teh buru-buru sakait
pada batur: ‘Ayeuna mah ahli warisna
pisan, urang paehan sakalian, urang
rebut warisanana.’
15 Tuluy anak nu boga tanah teh digusur

ka luareun kebon, bek dipaehan. Cik,


rek kumaha kira-kirana nu boga kebon
teh ka eta jelema-jelema anu ngagarap
tanahna?
16 Tangtu datang ngabinasakeun

maranehna, ari kebon anggurna


dipercayakeun ka nu sejen.” Anu
ngabarandungan eta misil nempas,
“Palias dugi ka kitu!”
17 Tapi ku Isa diteuteup, terus ngalahir,

“Lamun kitu, naon atuh maksud ayat ieu


anu ungelna: ‘Batu anu geus dipiceun ku
tukang tembok geus dijieun batu juru?’
LUKAS 20.18–22 130
18 Anu tibeubeut kana eta batu, tangtu
remuk; nu katinggang, tangtu bubuk.”
19 Tuluy ahli-ahli Toret jeung imam-

imam kapala neangan jalan rek nangkep


Anjeunna harita keneh. Sabab karasaeun
pisan yen anu ditujul dina misil Anjeunna
teh, aranjeunna pisan. Tapi maranehna
teh, teu barisaeun nanaon lantaran
sieuneun ku rayat.
20 Ti harita ahli-ahli Kitab jeung

imam-imam kapala teh teu weleh


ngintip-ngintip Isa. Tuluy maranehna,
nitahan mata-mata sina api-api anu niat
hade pikeun mancing kalepatana-Na
dina ngawaler pertanyaan-pertanyaan
maranehna; ku jalan eta, Anjeunna
bisa diselehkeun ka nu nyepeng kawasa
jeung wewenang, nya eta gupernur.
21 Kieu cek mata-mata teh, “Guru,

simkuring sadaya terang, sugri anu


disaurkeun sareng diwurukkeun ku
Anjeun teh leres. Tebih tina pupujieun,
Anjeun ngajarkeun jalan Allah kalayan
sajujurna pisan.
22 Kumaha, simkuring sadaya kenging

mayar pajeg ka Prabu atanapi teu


kenging?”
LUKAS 20.23–28 131
23 Tapi niat maranehna anu licik teh, ku
Isa oge kauninga. Ku Anjeunna diwaler
kieu,
24 “Cik mana duit dinarna, ka dieukeun.

Gambar jeung ngaran saha dina ieu duit


teh?” Tembalna, “Gambar sareng ngaran
Prabu.”
25 Saur Isa ka maranehna, “Anu wajib

disanggakeun ka Prabu, sanggakeun ka


Prabu; anu wajib disanggakeun ka Allah,
sanggakeun ka Allah.”
26 Diwaler kitu di hareupeun jalma

rea, maranehna bati ngabetem jeung


heran ku walerana-Na lantaran teu bisa
mancing kalepatan Anjeunna.
27 Datang deui sababaraha urang

Saduki ka Isa. Ieu golongan jelema-


jelema anu teu percaya yen nu paraeh
baris dihudangkeun deui. Maranehna
nanya kieu ka Anjeunna,
28 “Guru, Nabi Musa ngadamel parentah

kieu ka urang: Upama hiji lalaki maot


ninggalkeun bojo, tapi teu boga anak;
dulur eta lalaki kudu nikahan urut
bojona, supaya nu geus maot teh boga
turunan.
LUKAS 20.29–37 132
29 Di urang aya tujuh lalaki padudulur.
Nu kahiji kawin ka hiji awewe; geletuk,
manehna maot bari teu gaduh anak.
30 Urut bojona ditikah ku nu kadua;
31 teras ku nu katilu; kitu sareng kitu

bae patuturut, tujuhanana oge maot


patuturut bari teu gaduh anak.
32 Tungtungna, awewena oge maot.
33 Kumaha engke dina poe kiamat, saha

pisalakieunnana teh, margi parantos


ditikahan ku tujuhanana?”
34 Waler Isa, “Urang dunya mah, nikah

jeung ditikahkeun.
35 Sabalikna, maranehna anu dianggap

layak meunang ganjaran sawarga, — ana


geus dihudangkeun deui ti alam maot —
moal narikah jeung moal ditarikahkeun.
36 Sabab geus kawas malaikat-malaikat,

tur jaradi putra-putra Allah lantaran geus


dihudangkeun deui tea.
37 Hal hudangna deui nu geus paraeh,

Nabi Musa geus nerangkeun dina ayat


anu ngeunaan rungkun cucuk tea; waktu
Pangeran nyebatkeun Anjeun Allah nu
disembah ku Ibrahim, Allah nu disembah
ku Isak, jeung Allah nu disembah ku
Yakub.
LUKAS 20.38–46 133
38 Anjeunna lain Allah nu disembah ku
jelema-jelema nu paraeh, tapi Allah nu
disembah ku jelema-jelema anu harirup;
da kabeh jelema teh, hirupna pikeun
Mantenna.”
39 Waleran Anjeunna kitu disambut ku

sawatara ahli Kitab, pokna, “Guru, tepat


eta waleran teh!”
40 Saterusna, aranjeunna teu waranieun

deui nanya kitu-kieu ka Isa.


41 Tapi Isa nyarios kieu ka aranjeunna,

“Ku naon jelema-jelema nyarebut yen Al


Masih teh Putra Daud?
42 Kapan Daud ku anjeun dina kitab

Zabur ngangkenna kieu: Pangeran geus


nimbalan ka Jungjunan kaula: Geura
calik katuhueun Kami,
43 nepi ka kabeh musuh-musuh Hidep,

ku Kami dijadikeun jojodog suku Hidep.


44 Ka Anjeunna, Daud teh nyebatna

Jungjunan; jadi, kumaha bisana jadi


putra ongkoh?”
45 Waktu jalma rea ngabarandungan

keneh kasaurana-Na, Anjeunna nyarios


ka murid-murid-Na, saur-Na,
46 “Sing waspada ka ahli-ahli Kitab;

maranehna osok jalan-jalan mamake


jubah panjang, malar dihormat di
LUKAS 20.47–21.5 134
pasar-pasar; di tempat ibadat diukna
di tempat anu terhormat, nya kitu deui
dina perjamuan-perjamuan.
47 Maranehna sok ngaleglegan

kahirupan randa-randa jeung macikeuh


ku doa-doa panjang. Maranehna pinasti
dihukumna leuwih beurat.”
1 Waktu Isa ningali anu keur

21 ngarasupkeun duit kana kotak


persembahan, loba anu baleunghar,
marerena teh galede.
2 Katingali deui aya randa miskin,

ngasupkeun rupiaan dua siki kana eta


kotak.
3 Anjeunna ngalahir, “Cek Kami: Eta

randa merena leuwih gede ti batan nu


sejen.
4 Nu sejen mah, marerena teh, awahing

ku kaleuwihan teuing duit; ari eta randa


mah, mere sakitu teh, awahing ku teu
boga; malah eta anu dibaktikeun teh
duit balanjana anu ngan sakitu- kituna.”
5 Aya sababaraha jelema anu maruji

kaalusan Bait Allah, helok ku wangunana


anu dihias ku batu-batu anu arendah
jeung rea-rea deui barang pangbakti.
Isa ngalahir, saur-Na,
LUKAS 21.6–11 135
6 “Eta kabeh, anu katembong ayeuna,
baris datang kana mangsana burak-barik
diruntuhkeun, nepi ka moal aya batu
hiji-hiji acan anu diantep nyusun
patumpang.”
7 Murid-murid tumaros ka Anjeunna,

pokna, “Iraha bakal kajadianana,


Jungjunan? Sareng upami mangsana
datang, kumaha galagatna?”
8 Waler-Na, “Maraneh sing caringcing,

supaya teu kabawa ku sakaba-kaba.


Sabab bakal loba jelema anu mamake
ngaran Kami, ngaku-ngaku: Kami Al
Masih teh. Atawa ngaromong: Geus
tereh ninggang kana ugana! Peupeujeuh
maraneh ulah kabengbat.
9 Jeung lamun ngadenge peperangan

jeung huru-hara, maraneh teu kudu


reuwas-reuwas. Eta kabeh pasti kajadian
ti samemehna keneh, tapi eta teh lain
hartina geus tereh ninggang kana waktu
panungtungan.”
10 Saur-Na deui, “Pidatangeun jaman

bangsa ngalawan bangsa, karajaan-


karajaan ngalawan karajaan.
11 Jeung bakal aya lini anu hebat; kitu

deui pagebug jeung paceklik di mana


mendi; kitu deui kajadian-kajadian anu
LUKAS 21.12–18 136
matak ketir jeung galagat-galagat di
langit anu pohara pikasieuneunana.
12 Tapi memeh eta kabeh kajadian,

maraneh mah geus ditangkep manten


jeung dikaniaya, digusur ka tempat-
tempat ibadah jeung ka panjara-panjara,
diserenkeun ka raja-raja, jeung ka nu
karawasa ku lantaran percaya ka Kami.
13 Maraneh teh kudu ngalakonan kitu,

supaya bisa jaradi saksi Kami.


14 Ku sabab eta sing teger hate, ulah

bingung-bingung mikiran kudu kumaha


nya ngomong ngabela diri.
15 Sabab Kami pribadi nu baris mere

piomongeun kalawan perceka, nepi ka


lawan-lawan maraneh moal mampuh
ngalawan atawa ngabantah.
16 Jaba ti kitu, maraneh ge bakal

diserenkeun ku kolot sorangan, dulur


sorangan, kaum kulawarga, jeung
sobat-sobat. Malah mah, ti antara
maraneh teh aya sababaraha urang anu
bakal nepi ka dipaehan.
17 Jelema kabeh bakal mikaijid ka

maraneh ku sabab percaya ka Kami.


18 Najan kitu, buuk maraneh salambar

ge moal aya nu leungit tina sirah.


LUKAS 21.19–25 137
19 Asal maraneh kuat nandanganana,
geus pasti hirup.”
20 “Baris datang mangsana, Yerusalem

dikepung ku musuh. Dina geus kituna


maraneh kudu nyaho, yen eta teh ciciren
geus tereh kana rugrugna.
21 Dina waktu eta, jelema-jelema nu

marangkuk di Yudea kudu kabur ka


pasir-pasir, urang kotana kudu ngungsi,
urang desana ulah ka kota.
22 Sabab nya harita pisan datangna

wawales ka ieu kota, sagala nu kasebut


dina kitab nya harita kabuktianana teh.
23 Tada teuing balangsakna ibu-ibu

anu harita keur kakandungan atawa


keur nyarusuan! Sabab sakuliah nagara,
pinuh ku kasangsaraan anu pohara
hebatna sarta hukuman geus tumiba ka
ieu bangsa.
24 Maranehna baris tiwas dihakan

pedang sarta jadi tawanan sagala


bangsa. Kota Yerusalem bakal dilaleyek
ku bangsa-bangsa anu teu wawuh ka
Allah, lilana nepi ka datang dawuh-Na.”
25 “Jeung bakal aya galagat-galagat anu

tembong dina panonpoe, dina bulan,


dina bentang-bentang. Bangsa-bangsa
di sakuliah tonggong bumi bakal ngarasa
LUKAS 21.26–33 138
sieun bari samar polah ku kaayaan laut
anu ngamuk tingjelegur.
26 Jelema-jelema lebur kabeh

pangacianana, awahing ku sieun


nyanghareupan kajadian-kajadian
anu tumiba ka ieu bumi sabab
kakuatan-kakuatan langit genjlong.
27 Nya harita, jelema-jelema teh bakal

narenjo Putra Manusa sumping dina


mega, kawasa tur mulya.
28 Dina geus kituna, maraneh sing gede

hate, ulah ngaheruk sabab geus tereh


salamet.”
29 Geus kitu, Anjeunna nyarios

deui nganggo misil, saur-Na, “Pek,


tengetkeun tangkal kondang atawa
tangkal naon bae:
30 Lamun geus bijilan sirung, eta teh

tandaning geus tereh usum halodo.


31 Kitu deui, upama maraneh narenjo

eta kajadian-kajadian, kudu nyaho yen


Karajaan Allah tereh ngawujud.
32 Cek Kami: Saenyana, ieu umat anu

kiwari bakal ngalaman eta sakabeh


kajadian.
33 Langit jeung bumi bakal euweuh,

tapi ucap Kami mah moal datang ka


euweuh.”
LUKAS 21.34–22.3 139
34 “Jaga diri sing ati-ati, hate ulah kabita
ku senang-senang jeung mabok-mabok;
ulah haben bae mikiran kapentingan
lahir, supaya ulah kaberedeg jeung
kajiret ku datangna poean Pangeran.
35 Sabab eta poe teh, narajang ka

sapangeusi dunya.
36 Kudu sayaga sapapanjangna

dibarung neneda, supaya maraneh


boga kakuatan bisa luput tina eta
kajadian-kajadian, malar bisa madep ka
payuneun Putra Manusa.”
37 Beurangna, Isa ngawuruk di Bait

Allah, peutingna ka luar kota, ngawengi


di gunung anu ngaran Gunung Jetun.
38 Isukna, jelema-jelema dararatang

deui ka Anjeunna seja ngadarengekeun


piwuruk-Na di Bait Allah.
1 Pesta anu disebutna “Pesta

22 Paska” geus tereh datang.


Jalma-jalma teh, dalaharna ngan ukur
roti anu teu diragian.
2 Imam-imam kapala jeung ahli-ahli

Kitab nareangan akal pikeun maehan


Isa, tapi sarieuneun ku jalma rea.
3 Sup, Iblis nyurup ka hiji murid ti anu

dua belas anu ngaran Yudas Iskariot.


LUKAS 22.4–11 140
4 Ki Yudas terus nepungan imam-imam
kapala jeung kapala pangawal Bait
Allah, mere akal petana nangkep Isa
kalawan lantip nepi ka bisa diserenkeun
ka aranjeunna.
5 Aranjeunna gumbira sarta geus

mupakat yen ki Yudas rek dibere duit


saanu.
6 Ki Yudas satuju sarta ti wates harita,

manehna terus ngintip wanci nu mustari


rek nyerenkeun Isa bari ulah kanyahoan
ku jalma rea.
7 Hari raya Roti Tanpa Ragi tea geus

mimiti, domba korban Paska kudu


dipeuncit.
8 Petrus jeung Yahya ku Isa

dipiwarang sasadiaan, saur-Na,


“Geura indit nyadiakeun kaperluan urang
ngarayakeun Paska.”
9 Maranehna mihatur, “Di mana bade

ngersakeun teh?”
10 Waler-Na, “Di kota. Engke, barang

sup ka kota, maraneh bakal panggih


jeung lalaki anu mawa kendi dieusi cai.
Tuturkeun ka imah nu mana asupna.
11 Ka nu boga imah bejakeun kieu:

Guru simkuring mariksakeun, mana


LUKAS 22.12–19 141
kamar keur Kami dahar Paska jeung
murid-murid?
12 Maraneh tangtu dibawa ka hiji

kamar di loteng, lega sarta cukup


paparabotanana. Sadiakeun ku maraneh
di dinya.”
13 Bral, Petrus jeung Yahya arindit sarta

kapanggih anu disaurkeun ku Isa teh,


tuluy bae nyayagikeun.
14 Sanggeus cunduk kana waktu, Isa

calik, tuang jeung rasul-rasul-Na.


15 Saur-Na, “Geus meunang hayang

pisan Kami ngarayakeun Paska bareng


jeung maraneh teh, samemeh Kami
sangsara.
16 Sabab sabalakana mah, Kami teh

moal kungsi ngarayakeun deui nepi ka


mangsana deui engke di Karajaan Allah.”
17 Anjeunna nyandak lumur, ngucap

sukur, pok deui sasauran, “Heh ieu


tampanan, bagikeun ka sarerea.
18 Sabab cek Kami, ti wates ieu Kami

moal nginum-nginum deui cai buah


anggur, nepi ka ngawujudna Karajaan
Allah.”
19 Geus kitu, Anjeunna nyandak

roti, muji sukur, disemplekan, sarta


dipaparinkeun ka murid-murid, saur-Na,
LUKAS 22.20–27 142
“Ieu teh awak Kami anu dibikeun ka
maraneh. Pek, lalampahkeun pikeun
tanda mieling ka Kami.”
20 Sanggeus tuang Anjeunna nyandak

lumur, tuluy sasauran deui, “Ieu lumur


eusina perjangjian anyar ku karana getih
Kami anu dikucurkeun pikeun maraneh.
21 Tapi di dieu, anu bareng ngariung ieu

meja jeung Kami, aya nu boga leungeun


hasud anu niat nyerenkeun Kami.
22 Putra Manusa memang geus pasti

kudu iang, tapi estu cilaka jelema anu


ngalantarankeun Kami diselehkeun!”
23 Murid-murid recok silih tanya saha

anu kitu teh.


24 Ahirna, maranehna jadi cekcok

marebutkeun saha nu unggul.


25 Ku Isa diwawadian, saur-Na, “Ari di

bangsa-bangsa, raja-raja teh marentah


ka rayatna, anu nyarekel kawasa
disebutna pelindung rayat.
26 Maraneh mah ulah kitu. Anu dipikolot

di maraneh mah malah kudu daek jadi


pangngorana, anu jadi pamingpin kudu
daek jadi juru laden.
27 Cik antara nu dilaladenan dahar

jeung anu ngalaladenanana luhur mana?


LUKAS 22.28–34 143
Luhur anu dilaladenan. Tapi kapan Kami
oge di maraneh teh pelayan.
28 Maraneh salawasna babarengan

jeung Kami, sajeroning Kami nyorang


sagala cocoba.
29 Sarta Kami geus nangtukeun hak-hak

Karajaan pikeun maraneh, nya eta hak


anu geus dipaparinkeun ka Kami ku
Ama.
30 Jadi, maraneh boga hak dahar

nginum sameja jeung Kami di jero eta


Karajaan. Jaba ti eta, maraneh ge dibere
kalungguhan pikeun nerapkeun hukum
ka dua belas kaom Israil.
31 Simon, Simon! Tuh Iblis geus ngincer

ka maneh, rek ditapikeun kawas ka


gandum.
32 Tapi maneh ku Kami geus

dipangnedakeun, supaya ulah nepi


ka pecat iman. Di mana geus tobat,
maneh wajib mere sumanget ka pada
batur.”
33 Jawab Petrus, “Jungjunan, abdi

rido dipanjara atanapi kedah paeh


babarengan sareng Jungjunan!”
34 Tapi saur Isa, “Cek Kami:

Petrus, peuting ieu memeh hayam


kongkorongok, maneh geus tilu kali
LUKAS 22.35–40 144
mungkir, nya eta nyebutkeun teu wawuh
ka Kami.”
35 Saur-Na deui ka sarerea, “Waktu

maraneh ku Kami diutus bari teu


meunang mawa rajut duit, bekel,
jeung tarumpah, kumaha ngarasa aya
kakurang?”
36 Diwangsul, “Teu pisan-pisan.”

Saur-Na deui, “Tapi ayeuna mah ari


boga, bawa rajut duit teh, kitu deui bekel
sejenna. Pedang oge, lamun euweuh,
jual bae jubah beulikeun pedang.
37 Sabab masing nyaho, yen ayat Kitab

Suci ngeunaan diri Kami tereh bukti,


unina: Anjeunna geus disaruakeun
jeung jelema doraka. Kabeh anu geus
ditulis ngeunaan diri Kami, ayeuna geus
ngamimitian.”
38 Maranehna ngawangsul, “Jungjunan,

kaleresan ieu aya pedang dua.”


Waler-Na, “Cukup.”
39 Geus kitu, Anjeunna angkat ka

luar kota kawas sasari, nya eta


ngajugjug Gunung Jetun sarta diiring ku
murid-murid-Na.
40 Sasumpingna ka ditu Anjeunna

sasauran, “Maraneh kudu sembahyang


supaya ulah beunang ku dodoja.”
LUKAS 22.41–47 145
41 Geus sasauran kitu, Anjeunna
mencilkeun anjeun jauhna kira-kira
sapamaledog; tuluy bruk nyuuh bari
sasambat,
42 “Duh Ama, manawi kenging mah,

candak ieu lumur kasangsaraan teh


ti abdi; Sanaos kitu, ulah numutkeun
panuhun abdi, nanging pangersa Ama
nu kedah laksana.”
43 Ti dinya, aya malaikat ti langit

nembongan ka Anjeunna pikeun maparin


sumanget.
44 Anjeunna teh keur katarajang

kasieun anu pohara; sasambat-Na beuki


husu. Cikaringet-Na lir tetesan-tetesan
getih, nyakclakan kana taneuh.
45 Tamat ngadu'a, lajeng cengkat

nyampeurkeun murid-murid. Maranehna


teh kasampak keur sarare teu kawawa
ku nalangsa.
46 Ku Anjeunna disauran, “Naha sarare?

Harudang! Heg sarembahyang, supaya


ulah beunang ku dodoja.”
47 Sabot sasauran keneh, breg bae

daratang ka Anjeunna jelema loba pisan.


Di antarana, aya Yudas Iskariot, —
murid ti antara anu dua belas — anu
LUKAS 22.48–54 146
leumpangna teh pangheulana. Manehna
nyampeurkeun ka Isa arek ngarangkul.
48 Saur Isa ka manehna, “Yudas,

maneh nyerenkeun Putra Manusa teh ku


ngarangkul?”
49 Ari murid-murid aya kajadian kitu

teh hohoak, pokna, “Jungjunan, kumaha


urang sabetan bae ku pedang?”
50 Nu saurang mah geus keplas manten

nyabet bujangna Imam Agung, keuna


kana ceulina nepi ka rampung.
51 Tapi saur Isa, “Geus, cukup!” Daun

ceuli nu rampung teh ku Anjeunna


diterapkeun nepi ka jadi walagri deui.
52 Saur-Na ka imam-imam kapala,

kapala pangawal jeung ka para


kokolot, “Na Kami teh rampog nepi ka
dibawakeun pedang jeung pepentung?
53 Ongkoh unggal poe Kami aya jeung

maraneh di jero Bait Allah, naha henteu


ditangkep di dinya bae? Heug, memang
ieu teh kasempetan maraneh sarta
hakna kawasa gelap tea.”
54 Isa geus ditangkep, dibawa ti dinya,

digiring ka bumi Imam Agung. Petrus


nuturkeun ti kajauhan.
LUKAS 22.55–63 147
55 Di tengah buruan bumi aya anu keur
mirunan diparake siduru, Petrus milu
siduru.
56 Katenjoeun ku hiji gandek awewe,

sanggeus neges-neges pok manehna


ngomong, “Tah ieu ge baturna itu.”
57 Ku Petrus dipungkir, “Lain, wawuh ge

henteu ka dinya teh!”


58 Teu lila aya deui anu ngomong,

pokna, “Maneh ge sarombongan jeung


itu!” Petrus mungkir deui, “Lain, lain!”
59 Heuleut sajam, pok deui bae, aya nu

ngomong, tandes pisan pokna, “Sidik ieu


jelema teh baturna itu, urang Galilea
keneh!”
60 Tapi cek Petrus, “Lain, kuring mah

teu nyaho-nyaho!” Harita keneh kadenge


hayam kongkorongok.
61 Isa ngareret ka Petrus. Ras Petrus

inget kana kasauran Anjeunna: “Memeh


hayam kongkorongok peuting ieu,
maneh geus tilu kali mungkir, nyebut teu
wawuh ka Kami.”
62 Leos bae, manehna indit bari ceurik,

awahing ku nalangsa.
63 Ari Isa ku anu narahan teh diparoyok

jeung disiksa.
LUKAS 22.64–23.2 148
64 Raray-Na dirungkupan tuluy ditanya,
“Sebut, saha ieu anu neunggeul?”
65 Rea-rea deui omongan-omongan

biadab anu ditujukeun ka Anjeunna.


66 Sanggeus bray beurang, para

kokolot bangsa Yahudi, imam-imam


kapala, jeung ahli-ahli Kitab ngayakeun
rundingan. Geus kitu, Isa ku aranjeunna
dijagragkeun ka Mahkamah Agama.
67 Cek aranjeunna, “Lamun enya

maneh Al Masih, sebutkeun!” Waler


Isa, “Disebutkeun oge aranjeun moal
percaya.
68 Kitu deui, lamun Kaula aya

pertanyaan ku aranjeun moal diwalon.


69 Mimiti ayeuna Putra Manusa teh

geus jumeneng di tengeneun Allah Nu


Mahakawasa.”
70 Cek aranjeunna, ragem, “Jadi, maneh

teh Anak Allah?” Waler-Na, “Tah, cek


aranjeun keneh Kaula teh Putra Allah.”
71 Cek aranjeunna, “Naon gunana deui

saksi? Terang-terangan ku Manehna


sorangan geus diaku.”
1 Sidangna terus dibubarkeun, Isa

23 dihadepkeun ka Pilatus.
2 Ku aranjeunna didakwakeun, “Ieu

Jalmi parantos katalungtik nyasabkeun


LUKAS 23.3–9 149
ka bangsa simkuring sareng ngalarang
mayar pajeg ka Prabu; jabi ti eta,
ngaku-ngaku Al Masih anu hartosna
Raja.”
3 Anjeunna ku Pilatus dipariksa,

“Jadi, Maneh teh Raja urang Yahudi?”


Waler-Na, “Leres, sakumaha kasauran
anjeun.”
4 Saur Pilatus ka imam-imam kapala

jeung ka jalma rea, “Cek kami: Ieu


Jelema henteu salah naon-naon.”
5 Tapi maranehna beuki heuras, “Eta

Jelema ngasut rayat di sakuliah Yudea


ku ajaran-ajarana-Na. Ngawitanana di
Galilea, ayeuna nepi ka dieu.”
6 Pilatus mariksakeun na enya ieu

Jelema urang Galilea?


7 Barang kauninga yen Isa penduduk

wilayah cepengan Raja Herodes, tuluy


dikintunkeun ka eta raja, anu kabeneran
keur aya di Yerusalem.
8 Atuh kacida bingahna, waktu Raja

Herodes ningali Isa teh. Sabab hoyongna


tepang teh, geus lila; da geus sering
ngadangu hal Anjeunna jeung hoyong
ningali carana Isa ngadamel mujijat.
9 Loba pisan papariksana ka Isa teh,

tapi hiji ge taya anu diwaler.


LUKAS 23.10–16 150
10 Sajeroning kitu, imam-imam kapala
jeung ahli-ahli Kitab maju ngadakwa ka
Anjeunna beurat pisan.
11 Geus kitu mah, Raja Herodes

sabaladna mimiti nganistakeun ka


Anjeunna ku rupa-rupa pamoyok.
Anjeunna dianggoanan jubah
kaagungan, terus dikintun deui ka
Pilatus.
12 Ti semet poe eta, Raja Herodes jeung

Pilatus jadi mimitran; ari tadina mah,


aranjeunna teh, mumusuhan.
13 Imam-imam kapala, para pepentol,

jeung rayatna ku Pilatus dipiwarang


kumpul.
14 Kieu saurna, “Ieu Jelema ku maraneh

dibawa ka kami, didakwa nyasabkeun


rayat. Ku maraneh geus kasaksian yen
ku kami geus dipariksa. Kasalahan-
kasalahan anu ku maraneh ditudingkeun
ka diri-Na teu kapanggih buktina.
15 Ku Raja Herodes oge henteu, kitu

nu matak dipulangkeun deui ka kami.


Sarupa ge euweuh kasalahana-Na anu
manjing kana hukum pati.
16 Ku sabab eta, ku kami ngan arek

dirangket wungkul, tuluy dibebaskeun.”


LUKAS 23.17–25 151
17 — Memang anjeunna kagungan
wewenang ngabebaskeun salah sahiji
sakitan dina unggal-unggal hari raya —
18 Tapi nu ngadarakwa, bareng

tingsaroak, “Singkirkeun! Barabas


leupaskeun!”
19 Barabas teh, dipanjarana, lantaran

nyieun huru-hara jeung maehan.


20 Pilatus keukeuh, sasauranana heuras

ku bawaning hoyong ngabebaskeun Isa.


21 Tapi ku maranehna dibales ku sosoak,

“Gantung! Gantung eta Jelema teh!”


22 Pilatus ngalahir deui katilu kalina,

“Sebutkeun naon kasalahana-Na!


Ku kami teu kapanggih dosa-Na nu
satimpal jeung hukuman pati. Eta
sababna, pangna Manehna ku kami
ngan rek dirangket wungkul sarta tuluy
dibebaskeun.”
23 Tapi maranehna, sosoakna, beuki

tarik; keukeuh maksa supaya Anjeunna


dihukum salib sarta ahirna mah, hasil.
24 Pilatus ngadamel putusan ngabulkeun

pamenta maranehna.
25 Sakitan anu geus nyieun huru-

hara jeung maehan tea dibebaskeun


sakumaha pamenta maranehna; ari Isa
LUKAS 23.26–32 152
diserenkeun kumaha karep maranehna
bae.
26 Waktu maranehna ngagiring Isa, aya

hiji jelema urang Kirena anu kakara


datang ti luar kota, ngaran Simon.
Manehna teh dipaksa dititah manggul
salib pungkureun Isa.
27 Loba pisan anu marilu nganteur,

kaasup ibu-ibu anu sapapanjang jalan


nyaleungceurikan Anjeunna.
28 Isa sasauran ka maranehna bari

ngareret, “Ulah nyaleungceurikan


Kami, ibu-ibu Yerusalem! Mending
nyeungceurikan diri jeung anak
sorangan.
29 Sabab pidatangeun mangsa jelema-

jelema teh nganggap untung ka awewe


gabug, anu teu kungsi kakandungan, teu
kungsi nyusuan anak.
30 Harita jelema-jelema bakal

sasambat: Duh gunung-gunung geura


gugur, kami tindihan; duh pasir-pasir,
kami urugan!
31 Sabab upama tangkal kai nu hirup

nepi ka dituar ku maranehna, komo deui


tangkal nu geus garing!”
32 Harita teh, aya duaan deui penjahat

anu rek dihukum pati bareng jeung Isa.


LUKAS 23.33–38 153
33 Sanggeus narepi ka hiji tempat
nu disebut Gulguta (hartina: Tempat
Tangkorek), Isa terus disalib bareng
jeung penjahat anu dua tea, nu
digantungna teh di kenca jeung
katuhueuna-Na.
34 Sabot disalib Isa sasambat, “Nun

Ama, mugi dihapunten ieu jalmi-jalmi,


margi kieuna teh lantaran maranehna
teu terang.” Geus kitu, anggoan
Anjeunna ku maranehna dilotre terus
dibagikeun.
35 Jalma-jalma milu ngadareugdeug.

Pamingpin-pamingpin maroyok ka
Anjeunna, pokna, “Ieu Jelema purah
nulung batur teh. Keun ayeuna sina
nulungan diri-Na sorangan, mun enya
mah manehna Al Masih anu kamanah ku
Allah!”
36 Serdadu-serdadu oge milu maroyok

bari ngasongkeun anggur haseum ka


Anjeunna,
37 pokna, “Lamun enya Maneh

raja urang Yahudi, cik tulungan diri


sorangan!”
38 Ari di luhureun mastaka-Na aya

tulisan, unina: “Ieu raja urang Yahudi.”


LUKAS 23.39–46 154
39 Penjahat anu saurang anu pada-pada
digantung oge milu ngajejeleh ka
Anjeunna, pokna, “Maneh teh lain Al
Masih tea? Coba atuh tulungan diri
sorangan jeung kami deuih!”
40 Tapi manehna diwawadian ku anu

saurang deui, pokna, “Na ari maneh teu


sieun ka Anjeunna, teu sieun ka Allah,
padahal sarua papada keur dihukum?
41 Urang mah pantes dihukum oge,

satimpal jeung kasalahan, ari Eta mah


euweuh pisan dosa-Na!”
42 Pok unjukan ka Isa, “Nun Isa, sing

emut ka abdi upami parantos jeneng


Raja.”
43 Saur Isa, “Cek Kami, poe ieu keneh

maneh bakal bareng jeung Kami di


Pirdus.”
44 Poe eta keneh, kira-kira pukul dua

belas, — di sakabeh tempat, ngadak-


ngadak reup poek; malah mah, poekna
teh, nepi ka pukul tilu —
45 panonpoe teh jiga nu ilang caangna;

dibarung ku soehna reregan Bait Allah


tea, nu bedah jadi dua.
46 Isa ngagero bedas, saur-Na, “Nun

Ama, Simabdi masrahkeun nyawa ka


panangan Ama.” Tuluy, sanggeusna
LUKAS 23.47–53 155
sasauran kitu, Anjeunna masrahkeun
nyawa-Na.
47 Komandan pasukan nu nyaksian eta

kajadian, tuluy ngamulyakeun Allah,


pokna, “Tetela, ieu Jelema teh, jelema
bener!”
48 Jelema-jelema anu eukeur

ngadareugdeug, — barang aya


kajadian kitu — kabeh ngolesed, terus
baralik bari narepakan dada.
49 Sakur anu enya-enya wawuh ka Isa,

kitu deui para wanita anu marilu ka


Anjeunna ti Galilea, narangtung keneh di
dinya, ngawaskeun ti kajauhan.
50 Aya hiji jelema nu ngarana Yusup;

anjeunna teh anggota Majelis Agung;


jalmana, hade jeung bener.
51 Anjeunna mah, teu satuju kana

putusan jeung tindakan Majelis Agung


teh. Anjeunna teh bibit-buitna ti
Arimatea, salah sahiji kota di tanah
Yahudi. Anjeunna oge kaasup jalmi anu
ngadago-dago ngadegna Karajaan Allah.
52 Anjeunna ngadeuheus ka Pilatus,

nyuhunkeun layon Isa.


53 Geus kitu, layon-Na, ku anjeunna

diturunkeun, dibungkus ku lawon bodas,


terus dikurebkeun dina hiji guha anu
LUKAS 23.54–24.5 156
anyar beunang ngabobok dina gunung
cadas.
54 Poe eta teh poe panyadiaan,

piisukaneun poe Sabat.


55 Para wanita, anu harita marilu ka

Isa ti Galilea, oge marilu ka tempat-Na


dikurebkeun, ngawaskeun carana
Anjeunna dikurebkeun.
56 Sanggeus marulang, maranehna

nyadiakeun rampe jeung minyak


emur. Poe Sabatna, maranehna
rareureuh heula, sakumaha nu geus
diparentahkeun ku hukum Toret.
1 Rebun-rebun keneh, dina poe

24 kahiji tina minggu eta, para


wanita geus arindit ka pajaratan bari
marawa rampe jeung minyak seungit
beunang nyadiakeun mangkukna tea.
2 Barang geus tepi, kasampak batu

tutup guha pajaratan teh geus ngagoler.


3 Tuluy maranehna teh, sup ka jero, tapi

layon Isa teu aya.


4 Sabot tingharuleng, ujug-ujug, breh

bae aya anu narangtung duaan deukeut


maranehna; papakeanana ngagebur
cahayaan.
5 Maranehna mareungpeunan beungeut

bawaning ku sieun, tapi anu duaan teh


LUKAS 24.6–12 157
ngajak ngomong, “Anjeunna teh hirup,
naha diteang ka enggon anu paraeh?
6 Teu aya di dieu Anjeunna mah, geus

gugah. Sing inget ka dawuhana-Na keur


basa di Galilea tea.b
7 Kapan saur-Na: Putra Manusa teh geus

mistina diselehkeun ka jelema-jelema


doraka terus disalib, tapi tangtu gugah
deui dina poe katiluna.”
8 Ras bae, maranehna, inget deui kana

dawuhan Anjeunna tea.


9 Samulangna ti pajaratan, hal eta,

ku maranehna dicaritakeun ka murid-


murid anu sabelas; kitu deui, ka
duduluran-duduluran sejenna.
10 Eta wanita-wanita teh, — nya eta

Maryam Magdalena, Yohana, Maryam


ibu Yakobus, jeung anu sejen-sejenna
anu ngabarengan — pada nyaritakeun
hal eta ka rasul-rasul tea.
11 Tapi caritaanana dianggap omong

kosong bae, teu dipercaya.


12 Ngan Petrus anu buru-buru lumpat

muru ka pajaratan. Barang manehna


ngalongok ka jero guha pajaratan, ngan
nenjo boeh bae ngalumbuk. Manehna

bLuk 9:22, 18:31-33


LUKAS 24.13–20 158
teh, leos indit deui bari tumanya di jero
hatena, aya naon kira-kirana.
13 Poe eta keneh, aya dua murid Isa

anu keur laleumpang ka hiji kampung


ngaranna kampung Emaus. Jauhna ti
Yerusalem kira-kira tujuh pal.
14 Bari leumpang nyaritakeun sagala

anu anyar kajadian.


15 Sabot gunem catur tukeur pikiran,

jol bae Isa nyaketan maranehna, terus


angkat bareng jeung maranehna.
16 Tapi panon maranehna kawas anu

kalampudan, nepi ka teu warawuh ka


Anjeunna.
17 Saur Isa, “Keur gunem catur naon?”

Maranehna ngarandeg semu nu heran.


18 Pok, nu ngaranna Kleopas, ngajawab,

“Naha Anjeun teh jalmi ngumbara di


Yerusalem, nepi ka teu terang kana
kajadian anu sakitu haneutna keneh?”
19 Saur Isa, “Naon tea?” Jawabna,

“Eta, perkara Isa, urang Nasaret tea, nu


kagungan daya kakuatan dina kasauran
jeung dina tindakan di payuneun Allah
jeung di kalangan bangsa kuring.
20 Tapi ditangkep ku imam-imam kapala

jeung ku pepentol-pepentol bangsa


LUKAS 24.21–27 159
kuring, tuluy Anjeunna diserenkeun
pikeun dihukum pati, nya eta disalib tea.
21 Tadina, pohara diharepna ku kuring

sarerea, diharep bakal ngabebaskeun


bangsa Israil. Kajadianana teh, tilu poe
ka tukang.
22 Geus kitu, meunang deui beja anu

pikareuwaseun pisan ti babaturan


wanita, anu rebun-rebun keneh tas
ngalongok pajaratan.
23 Cek maranehna: Layon Anjeunna teh

teu aya. Maranehna nerangkeun nenjo


malaikat-malaikat anu nyaurkeun, yen
Anjeunna geus gugah hirup deui.
24 Terus disidikkeun ku babaturan ka

pajaratan, enya Anjeunna geus teu aya.”


25 Saur Isa, “Bodo maraneh, pikiran

maraneh teh kuled, nepi ka teu percaya


kana sagala kasauran nabi-nabi!
26 Ari Al Masih teh naha lain geus

mistina nandangan eta sakabeh, geusan


jalan kana kamulyaana-Na?”
27 Ti dinya, ku Anjeunna diterangkeun

ka maranehna naon-naon anu geus


dituliskeun dina Kitab Suci, mimiti ti
kitab-kitab Musa nepi ka kitab-kitab
paranabi.
LUKAS 24.28–34 160
28 Sanggeus deukeut ka kampung
anu dijugjug, Anjeunna kawas anu rek
lajeng.
29 Tapi ku maranehna dikeukeuhan

diajak sindang, pokna, “Ngarereb heula


di kuring, geus burit, sakeudeung deui
ge panonpoe surup.” Terus Anjeunna
sindang ka maranehna.
30 Waktu tuang ngariung jeung

maranehna, Anjeunna nyandak roti,


muji sukur, nyemplekan roti, terus
disodorkeun ka maranehna.
31 Geus kitu, kakara panon maranehna

teges, wawuh deui ka Anjeunna, tapi


Anjeunna terus ngaleungit ti dinya.
32 Cek maranehna, “Pantes waktu

Anjeunna sasauran tadi di jalan bari


nerangkeun Kitab Suci, hate urang
kacida kumejotna.”
33 Ti dinya, kencling bae maranehna

baralik deui ka Yerusalem pikeun


nepungan murid-murid anu sabelas;
ari kasampak teh, nya keur kumpul
sabatur-batur.
34 Cek murid-murid nu di darinya,

“Enya Jungjunan teh geus gugah, geus


nembongan ka Simon.”
LUKAS 24.35–43 161
35 Ti dinya, murid-murid anu ti Emaus
pupulih perkara papanggihanana tadi di
jalan, jeung carana maranehna wawuh
deui ka Anjeunna waktu Anjeunna
nyemplekan roti.
36 Sabot keur gunem catur kitu, breh

bae, Isa geus ngadeg di tengah-tengah


maranehna; lajeng Anjeunna sasauran,
“Bagea!”
37 Maranehna ngararenjag pacampur

jeung sieun, panyangkana jurig.


38 Anjeunna sasauran deui, “Naha

ngararenjag jeung hamham sagala?


39 Tenjo ieu leungeun jeung suku Kami,

pek rampa sarta sidikkeun; da jurig mah,


euweuh jirimna, henteu tulangan henteu
dagingan, sakumaha Kami ayeuna.”
40 Bari sasauran kitu Anjeunna

nembongkeun panangan jeung


sampeana-Na.
41 Maranehna bati hemeng atoh

pacampur jeung heran, tapi acan pati


percaya keneh. Ku sabab eta, Anjeunna
lajeng mariksakeun, “Aya kadaharan?”
42 Ku maranehna dihaturanan lauk

sapotong,
43 terus ku Anjeunna dituang di dinya.
LUKAS 24.44–49 162
44 Anjeunna sasauran deui, “Bareto
Kami geus ngomong waktu urang masih
babarengan keneh, yen sagala rupa anu
geus ditulis ngeunaan diri Kami dina
kitab Toret Musa, kitab nabi-nabi jeung
kitab Zabur pinasti kudu dilakonan. Eta
omongan Kami, ayeuna kabuktian.”
45 Ti dinya, Anjeunna nyaangkeun

pikiran maranehna, nepi ka maranehna


bisa ngahartikeun Kitab Suci.
46 Saur-Na deui, “Geus dituliskeun kieu:

Al Masih kudu nandangan eta kabeh,


dina poe nu katilu gugah deui ti antara
nu paraeh.
47 Jeung deui: Kalayan Asmana, hal

pertobat jeung panghampura dosa teh


kudu diwawarkeun ka sagala bangsa,
mimiti ti Yerusalem.
48 Nya maraneh saksina tina ieu

sakabeh perkara.
49 Kami ge tangtu ngutus anu geus

dijangjikeun ku Ama Kami ka maraneh.


Tapi maraneh kudu tetep heula di
ieu kota, nepi ka mangsana maraneh
meunang pangdeudeul kakawasaan ti
manggung.”
LUKAS 24.50–53 163
50 Geus kitu, maranehna ku Isa
dicandak ka luar kota, nepi ka deukeut
kampung Betania.
51 Sabot Anjeunna keur ngaberkahan

ka maranehna, tuluy paturay, diangkat


ka sawarga.
52 Brek, maranehna, sarujud nyembah

ka Anjeunna; terus maranehna teh


marulang deui ka Yerusalem kalawan
suka bungah.
53 Maranehna, sapopoena, araya bae di

Bait Suci bari ngamulyakeun ka Allah.


Yohanes
1 Tiawal kadim keneh, Pangandika
1 teh geus jumeneng. Eta Pangandika
manunggal jeung Allah tur Pangandika
teh nya Allah tea.
2 Manunggalna jeung Allah teh, ti

awitna keneh.
3 Sakur jajadian alam, nya Anjeunna

anu ngajadikeunana. Mun lain ku


Anjeunna mah, sakur nu geus gumelar
teh pamohalan aya.
4 Eta Pangandika teh, sumbering

hirup; ari hirup tea jadi caang atawa


papadangna umat manusa.
5 Caang teh, gumebyar di alam

poek tur ku poek henteu kaungkulan


pangawasana.
6 Jol bae, sumping hiji utusan Allah,

Yahya jenenganana.
7 Sumpingna, pikeun jadi saksi nu

baris nerangkeun saha eta Papadang


teh, supaya ku lantaran anjeunna,
eta Papadang teh dipercaya ku umat
manusa.
YOHANES 1.8–15 2
8 Ari anjeunna mah, lain Caang tea; da
anjeunna mah, sakadar utusan anu kudu
nerangkeun saha eta Caang teh.
9 Tapi Caang anu sajatina mah, —

nu nyaangan unggal jelema — nuju


sumping ka alam dunya.
10 Anjeunna teh parantos aya di alam

dunya, — kenging-Na ngajadikeun tea —


tapi pangeusi dunya teh teu wawuheun.
11 Sumping-Na teh, nya ka nu jadi

milik-Na ku anjeun, tapi ku umat-Na


henteu ditarima.
12 Tapi sing saha anu daek narima

sarta percaya ka Anjeunna, ku Allah


dipaparinan hak jadi putra-Na.
13 Kituna teh, lain ku sabab turunan;

lain oge ku jalan anu ilahar anu lumrah


di manusa, tapi estu ku kakawasaan
Allah bae.
14 Eta Pangandika teh geus mijalma,

aya dina hirup kumbuh urang sarta ku


urang kasaksian kamulyaana-Na, nya
eta kamulyaan anu dinugrahakeun ku
Ingkang Rama ka Putra Tunggal, nu
sajati tur leber ku sih kurnia.
15 Ngeunaan Anjeunna, Yahya

nerangkeun, “Tah ieu Anjeunna teh; anu


cek kami: Engke, pandeurieun kami rek
YOHANES 1.16–22 3
sumping Anjeunna anu aya-Na heulaeun
kami; sabab jumenengna teh, samemeh
kami gumelar.
16 Ku kajembaran manah-Na, urang

sarerea geus kaseundeuhan sih kurnia


anu taya wates wangenna.
17 Nabi Musa ka urang geus mere

hukum Toret, ari Isa Al Masih mah,


ngadatangkeun sih kurnia jeung
kasayaktian.
18 Saurang ge, can aya anu geus nenjo

Allah. Tapi ku Anjeunna, — anu jadi


Putra Tunggal Allah, anu hirup-Na dina
pangkonan Rama — Allah teh bakal
dinyatakeun ka urang.”
19 Waktu Nabi Yahya ditaros ku utusan

urang Yahudi di Yerusalem, nya eta


panghulu-panghulu agung sarta urang
Lewi, “Saha tea anjeunna teh?”
20 Ku Nabi Yahya diwaler sajujurna bae,

saurna, “Kaula lain Al Masih!”


21 Pok deui nu naros teh, “Upami kitu,

saha atuh? Naha Nabi Elias?” Walerna


deui, “Lain.”
22 Pok deui nararos, “Saha tea atuh?

Simkuring kudu mawa jawaban ka nu


ngutus. Cobi, saha salira teh?”
YOHANES 1.23–30 4
23 Walerna, “Kami teh, nya eta soara
anu cumeluk di alas kikisik kieu:
‘Geura lelempeng pijalaneun Pangeran,’
sakumaha pilahir Nabi Yesaya.”
24 Di antara eta utusan-utusan teh, aya

sababaraha urang Parisi.


25 Aranjeunna mariksa kieu, “Naon

margina atuh anjeun ngabaptis, padahal


Al Masih, lain; Nabi Elias, lain; nabi anu
keur didago-dago oge, lain!”
26 Ku Yahya diwaler, “Kaula mah

ngabaptis oge ku cai; tapi di antara


aranjeun teh, saenyana, geus aya Anu
ku aranjeun teu kawawuhan;
27 nya nu sumping-Na teh, pandeurieun

kaula tea. Muka tali tarumpahna oge,


kaula mah henteu wani.”
28 Eta kajadian teh di daerah Betania,

peuntaseun walungan Ciyordan, anu ku


Nabi Yahya dianggo tempat ngabaptis
tea.
29 Poe isukna, Nabi Yahya ningali

Isa bade mendakan anjeunna; tuluy


dituduhkeun, saurna, “Tarenjo tuh, Anak
Domba Allah, anu kawasa mupus dosa
alam dunya.
30 Nya Anjeunna nu dimaksud ku kami

teh, anu cek kami, ‘Pandeurieun kami,


YOHANES 1.31–36 5
tangtu sumping Anjeunna anu aya-Na
heulaeun kami; sabab jumeneng-Na
oge, samemeh kami gumelar.’
31 Mimitina mah, kami oge henteu

wawuh ka Anjeunna teh. Sanajan kitu,


nu matak kami diutus jeung ngabaptis
ku cai teh, supaya ngawawuhkeun
Anjeunna ka bangsa Israil.”
32 Nabi Yahya masihan deui panaksen,

saurna, “Kami geus nyaksian Ruh


lungsur ti langit mangrupa manuk japati,
eunteup kana salira-Na.
33 Tadina mah, kami can wawuh ka

Anjeunna. Tapi Allah, anu nimbalan ka


kami kudu ngabaptis ku cai, samemehna
geus netelakeun ciciren-Na ka kami,
timbalana-Na: ‘Samangsa- mangsa
maneh nenjo aya Ruh lungsur terus
eunteup ka hiji jelema, eta teh Anjeunna
anu bakal ngabaptis ku Ruh Allah.’
34 Geus katenjo eta teh ku kami. Ku

sabab eta, ayeuna kami mere panaksen:


Anjeunna teh Putra Allah.”
35 Isukna, Nabi Yahya ngadeg deui di

tempat eta keneh bareng jeung dua


muridna.
36 Waktu anjeunna ningali Isa

ngalangkung, ngalahir, “Tuh, tenjo


YOHANES 1.37–43 6
Anjeunna, nu diibaratkeun Anak Domba
Allah tea!”
37 Kadengeeun ku muridna anu duaan,

tuluy bae duanana nuturkeun Isa.


38 Isa nyoreang ka pungkur, anu

naluturkeun teh dipariksa, “Nareangan


naon?” Piunjukna, “Rabi (hartina Guru),
dupi linggih di mana?”
39 Saur Isa ka maranehna, “Tuturkeun

bae Kami, engke ge nyaho.” Maranehna


tuluy naluturkeun; jadi bae nyarahoeun
panglinggihana-Na sarta poe eta mah,
maranehna ngendek heula di Anjeunna.
Harita teh kira-kira pukul opat.
40 Salah saurang anu ngadenge pilahir

Yahya anu terus nuturkeun Isa, nya eta


Andreas, dulurna Simon Petrus.
41 Tuluy manehna nepungan heula

Simon dulurna, pok cacarita, “Kuring


mah geus papanggih jeung Al Masih.”
42 Tuluy Petrus dibawa ngadeuheus ka

Isa. Manehna ku Isa diteuteup, tuluy


saur-Na, “Ieu teh Simon, anak Yonas.
Anjeun bakal dilandih Kepas (Kepas teh,
nya Petrus tea nu hartina: Batu karang).”
43 Poe isukna, Isa mutuskeun angkat ka

Galilea. Di dinya pendak jeung Pilipus,


saur-Na, “Tuturkeun Kami!”
YOHANES 1.44–50 7
44 Pilipus teh asalna urang Betsaida,
lemburna Andreas jeung Petrus.
45 Pilipus tepung jeung Natanael, pok

nyarita, “Kuring mah geus papanggih


jeung anu disebut-sebut ku Nabi Musa
jeung nabi-nabi sejen dina Kitab Toret
tea, jenenganana Isa, Putra Yusup ti
Nasaret.”
46 Cek Natanael, “Wah, na aya kitu

kira-kirana barang hade asal ti Nasaret?”


47 Jawab Pilipus, “Ayeuna mah hayu

urang saksikeun bae!” Kakara oge


Natanael datang, Isa geus ngalahir
manten, saur-Na, “Tah ieu urang Israil
tulen anu euweuh kuciwana teh.”
48 Pihatur Natanael, “Naha geuning

uninga ka abdi?” Waler Isa, “Memeh


maneh dicalukan ku Pilipus, ku Kami
geus katenjo aya di handapeun tangkal
kondang.”
49 Cek Natanael, “Rabi, Jungjunan teh

Putra Allah, Raja urang Yahudi!”


50 Saur Isa, “Naha eta kayakinan anjeun

teh lantaran cek Kami bieu maneh geus


katenjo ku Kami handapeun tangkal
kondang? Loba keneh anu leuwih aheng
batan eta, geura engke oge kasaksian.”
YOHANES 1.51–2.8 8
51 Saur-Na deui, “Cek Kami, saenyana,
maneh bakal nenjo langit muka jeung
malaikat-malaikat turun unggah ka
Kersa Putra Manusa.”
1 Tilu poe ti harita, di lembur Kana,

2 Galilea, aya nu hajat nikahkeun. Ibu


Isa angkat ka dinya;
2 Isa oge jeung murid-murid-Na

diondang.
3 Barang nu hajat beakeun anggur,

ibu-Na wawartos ka Isa, “Nu hajat teh


seepeun anggur!”
4 Waler Isa, “Kedah dikumahakeun kitu

ku Abdi, ibu? Teu acan waktosna ayeuna


mah.”
5 Tapi ibu-Na marentah ka anu laladen,

“Turutkeun engke saparentah-Na!”


6 Di dinya, aya genep buyung, biasana

paranti wawasuh sakumaha tali paranti


urang Yahudi, masing-masing bisa muat
ti salapan nepi ka dua welas liter.
7 Tuluy Isa ngadawuh ka nu

laladen, “Pinuhan buyung teh ku


cai.” Tuluy buyung-buyungna, diareusian
sapinuhna.
8 Isa ngadawuh deui, “Pek siukan, bawa

ka ditu, ka nu mangku hajat.” Tuluy ku


maranehna dianteurkeun.
YOHANES 2.9–14 9
9 Sanggeus ku nu mangku hajat
diasaan, cai teh geus jadi anggur, teu
nyahoeun asal-asalna mah. Tapi anu
laladen, nya eta anu nyiukan tea mah
nyarahoeun. Manehna tuluy manggil ki
panganten,
10 pok nyarita, “Biasana nu disuguhkeun

ti heula teh anggur nu raos nepi ka


warareg, nembe anu kirang raos. Dupi
ieu tibalik, nu raosna kaluar nembe
ayeuna.”
11 Eta mujijat di lembur Kana, Galilea,

mujijat Isa anu munggaran pisan,


dianggo mintonkeun kamulyaana-Na.
Ku hal eta, murid-murid-Na jadi mantep
hatena percaya ka Anjeunna.
12 Ti dinya, Isa angkat ka kota

Kapernaum disarengan ku ibu-Na,


saderek-saderek-Na, jeung ku murid-
murid-Na. Di Kapernaumna teu lami,
ngan popoean bae.
13 Sanggeus deukeut kana hari raya

Yahudi nu disebut “Paska,” Isa angkat ka


Yerusalem.
14 Di emper Bait Suci ku Anjeunna ka

sampak loba tukang dagang, nu dagang


sapi, nu dagang domba, tukang japati,
jeung tukang nukeur-nukeurkeun duit.
YOHANES 2.15–22 10
15 Anjeunna ngarara tali, ngadamel
pecut. Tuluy anu daragang teh,
kabeh, diusir sadagang-daganganana:
Embe, domba, jeung sapi. Tukang
nalukeur-nukeurkeun duit, duitna
dibahe-bahekeun, mejana dijungkir-
jungkirkeun.
16 Ka nu dagang japati, Isa sasauran,

“Bawaan kabeh ka ditu, Panglinggihan


Ama Kami, ulah dijarieun pasar.”
17 Murid-murid-Na, ras bae, inget kana

ungelna Kitab Suci anu kieu, “Lantaran


banget deudeuhna ka padaleman
Anjeun, hate asa kaleleban.”
18 Urang Yahudi nangtang ngaralawan

ka Isa, pokna, “Mana buktina hak


Anjeuna nyieun tindakan kieu teh?”
19 Waler Isa, “Ruag ieu Bait Allah, di

jero tilu poe ku Kami rek ditangtungkeun


deui.”
20 Dijawab ku maranehna, “Opat puluh

taun ngadegkeun ieu Bait Allah teh! Ari


Anjeun sanggup ku tilu poe?”
21 Padahal, nu ku Isa disebut Bait Allah

teh, maksudna mah salira-Na ku Anjeun.


22 Ngeunaan hal ieu, murid-murid-Na

teh kakara aringeteun deui yen Isa geus


pernah ngadawuh kitu, nya eta sanggeus
YOHANES 2.23–3.3 11
Anjeunna hirup deui tina pupus-Na. Ku
sabab eta, kakara maranehna percaya
kana eusi Kitab Suci jeung ka eta
dawuhan Isa tea.
23 Sabot Anjeunna di Yerusalem, —

sapanjang hari raya Paska tea — loba nu


jaradi percaya ka Jenengana-Na lantaran
narenjo mujijat-mujijat damelana-Na.
24 Najan kitu maranehna ku Isa henteu

didamel andelan; da kabeh ge, ku


Anjeunna mah geus kauninga tabeatna
teh.
25 Lian ti eta, Anjeunna ge teu butuh ku

katerangan saha bae, tina hal kaayaan


manusa mah. Sabab Anjeunna mah,
geus uninga kana keretegna hate
masing-masing.
1 Aya hiji urang Parisi, pamingpin

3 Agama Yahudi, ngarana Nikodemus.


2 Dina hiji peuting, anjeunna nepangan

Isa, saurna, “Rabi (Guru) simkuring


terang, yen Anjeun teh guru utusan
Allah; margi anu sanes mah, moal aya
nu tiasa nyieun mujijat-mujijat kitu,
kajaba upami disarengan ku Allah.”
3 Waler Isa, “Kieu cek Kaula, upama

urang henteu dijurukeun deui,


YOHANES 3.4–10 12
pamohalan bisa ningal Karajaan nu
diparentah ku Allah.”
4 Walon Nikodemus, “Kumaha abdi nu

parantos sakieu kolotna tiasa dijurukeun


deui? Naha tiasa lebet deui ka jero
beuteung indung, teras dijurukeun
deui?”
5 Waler Isa, “Masing percaya: Upama

jelema henteu dijurukeun tina cai jeung


Ruh, hamo teuing bisa asup ka Karajaan
Allah.
6 Anu dijurukeunana ku manusa,

sipat-sipatna, tangtu kumaha ilaharna


manusa. Ari anu medalna tina Ruh,
tangtu rohani sipatna.
7 Anjeun teu kudu heran, mun cek Kaula

tadi kudu dijurukeun deui.


8 Ari Ruh teh, lir angin nu ngahiuk

sakarepna. Ku anjeun kakuping sorana,


tapi anjeun henteu terang ti mana asalna
jeung ka mana losna. Anu dijurukeun
tina Ruh oge, kaayaanana teh kawas
kitu.”
9 Walon Nikodemus, “Teu kahartos eta

tiasa kitu?”
10 Waler Isa, “Anjeun teh guruna bangsa

Israil? Piraku henteu ngarti?


YOHANES 3.11–17 13
11 Nu diterangkeun ka anjeun teh, nya
eta ngeunaan hal anu geus katingal ku
Kami sorangan sarta nu geus kasaksian
ku sorangan; tapi ku aranjeun mah,
henteu katarima eta katerangan teh.
12 Lamun katerangan Kaula, tina hal

dunya, ku anjeun geus teu dipercaya;


geus komo lamun nyaritakeun perkara
sawarga, tangtu kana moal percayana
teh!
13 Ari jelema mah, acan aya anu geus

indit sarta nyaho sawarga, iwal ti Putra


Manusa anu terah asal ti dinya.
14 Jeung sakumaha oorayan tambaga

tea, nu ku Musa geus ditanjeurkeun di


sagara kikisik; kitu oge, Putra Manusa
kudu dijungjung dikaluhurkeun,
15 supaya unggal jelema anu percaya

ka Anjeunna ginanjar hirup abadi.


16 Sabab dunya teh, pohara nya diasihna

ku Allah; nepi ka Putra Tunggal-Na


oge dipasrahkeun, supaya sing saha
anu percaya ka Anjeunna ulah nepi ka
binasa; tapi sabalikna, bisa tinemu jeung
hirup abadi.
17 Pangna Allah ngutus Putra-Na ka

alam dunya teh, lain rek ngahukum,


YOHANES 3.18–23 14
enyana mah rek nyalametkeun alam
dunya ku parantaraan Putra-Na.
18 Saha bae anu percaya ka Anjeunna,

moal dihukum; anu baris dihukum teh,


anu embung percaya sabab henteu
ngandel ka nu ngaran Putra Tunggal
Allah tea.
19 Ari duduk hukumna kieu: Caang tea

geus datang ka dunya, tapi manusa


leuwih resep kana poek tibatan kana
caang. Sabab kalakuanana nu jahat.
20 Munasabah, da tukang

ngalampahkeun kajahatan mah,


ijid kana caang teh sarta moal daek
nyampeurkeun, supaya kajahatanana
teu kaboker.
21 Sabalikna, anu kalakuanana bener

mah, kana caang teh nyampeurkeun;


ngarah jelas, yen kalakuanana teh sapuk
jeung Pangersa Allah.”
22 Sanggeus kitu, Isa katut murid-murid

angkat ka tanah Yudea sarta terus


ngarereb di dinya bari ngabaptis.
23 Yahya oge ngabaptis, tempatna di

Ainon deukeut lembur Salim. Sabab di


dinya, loba cai tur loba jelema anu ka
darinya harayangeun dibaptis;
YOHANES 3.24–29 15
24 da harita mah, Yahya teh acan
dipanjara.
25 Pareng timbul pasalingsingan paham

antara murid-murid Yahya jeung salah


sahiji urang Yahudi, nya eta tina hal
susuci.
26 Tuluy maranehna nepungan

Nabi Yahya pokna, “Rabi, jalmi anu


kapungkur sumping ka anjeun, nu
kantos dicarioskeun tea, Anjeunna oge
geuning ngabaptis di walungan Ciyordan
palih peuntas; jalmi-jalmi ngabrul bae
ka dinya sadayana.”
27 Waler Yahya, “Saha oge moal aya

anu bisa narima naon-naon, lamun teu


dipaparinan ti sawarga mah.
28 Maraneh pribadi bisa mere

katerangan sabage saksi, yen kami geus


ngomong kieu: Kami teh lain Al Masih,
tapi anu diutus samemeh Anjeunna.
29 Panganten awewe teh hakna

panganten lalaki; tapi sabage sobat


ki panganten anu ngarendeng
jeung ngabandungan di dinya, milu
mikayungyun ku sora ki panganten. Eta
teh, pikeun kami mah, geus mangrupa
kabagjaan tur nepi ka jucungna pisan
ayeuna mah.
YOHANES 3.30–36 16
30 Anjeunna mah geus kuduna beuki
unggul, kami anu kudu beuki asor.
31 Anu asal ti sawarga, tangtu

ngungkulan ka kabeh; anu asal ti dunya,


tangtu kaasup warga ieu dunya sarta
cacaritana tangtu ku basa duniawi.
Anu asal ti sawarga, tangtu bae
pangunggulna.
32 Anjeunna maparin katerangan tina

sagala rupa anu geus kabandungan


jeung kadangu ku anjeun, tapi
panyaksi-Na euweuh nu daek narima.
33 Saha-saha nu daek narima kana

panyaksi-Na, tangtu ngarasa yen Allah


teh saestu.
34 Pangna Anjeunna diutus ku Allah

teh, geus tangtu pikeun nepikeun


dawuhana-Na. Sabab Anjeunna, ku Allah
geus dianugrahan Ruh Mantenna tanpa
wangenan.
35 Rama nu mikaasih ka Putra geus

masrahkeun sakabeh perkara ka


Anjeunna.
36 Anu percaya ka eta Putra, tangtu

tinemu jeung hirup langgeng. Tapi


anu henteu anut ka Putra mah, moal
papanggih jeung hirup; sabalikna,
pinasti nandangan hukuman Allah.”
YOHANES 4.1–9 17
1 Barang Jungjunan urang uninga,
4 yen urang-urang Parisi nyarahoeun
Anjeunna geus ngabaptis leuwih loba
sarta kenging murid leuwih loba batan
Yahya,
2 — padahal anu ngabaptisna mah

murid-murid-Na, lain Isa ku anjeun —,


3 Anjeunna tuluy angkat deui bae ka

Galilea, ngantunkeun Yudea.


4 Ari jalanna kudu nyorang daerah

Samaria.
5 Angkat-Na geus nepi ka kota Sikar

di daerah Samaria, teu jauh ti tanah


milik Yakub anu diwariskeun ka Yusup,
putrana.
6 Di dinya, aya hiji sumur anu katelah

sumur Yakub. Ku bawaning ngaraos cape


urut angkat sakitu tebihna; gek, Isa calik
sisi eta sumur. Harita teh kira-kira pukul
dua welas beurang.
7 Jol wae, aya awewe urang Samaria rek

ngala cai. Ku Isa dipundutan, saur-Na,


“Cik menta cai, hayang nginum!”
8 Ari murid-murid mah teu araya, da

keur ka kota meuli dahareun.


9 Eta wanita ngawangsul, “Naha mundut

ngaleueut ka abdi urang Samaria? Kapan


Anjeun teh urang Yahudi!” (Urang Yahudi
YOHANES 4.10–15 18
mah cadu cacampuran jeung urang
Samaria).
10 Waler Isa, “Lamun Nyai terang mah

kana nugraha ti Allah, jeung wawuh


ka nu menta nginum, tangtu Nyai anu
menta nginum teh ka Kami, tur tangtu
dibere cai cikahuripan.”
11 Jawab eta awewe, “Timana Anjeun

iasa masihan cai cikahuripan? Teu


nyandak timba-timba acan, mangkaning
jero pisan ieu sumur teh.
12 Naha Anjeun teh langkung punjul ti

Yakub karuhun abdi, nu ngawakapkeun


ieu sumur ka urang dieu? Yakub ku
anjeun sapala putra ngaleueutna teh di
dieu, kitu deui ingon-ingonna.”
13 Waler Isa, “Nginum tina sumur ieu

mah bakal halabhab deui;


14 tapi cai nu rek dibikeun ku Kami mah,

moal matak halabhab-halabhab deui


sapapanjangna oge. Sabab cai pamere
Kami mah, bakal ngajadi cinyusu di jero
diri nu nginumna; anu moal saat-saat
nepi ka hirup di kalanggengan oge.”
15 Cek eta awewe, “Mangga atuh

pasihkeun ayeuna, supados abdi ulah


halabhab-halabhab deui sareng teu
kedah nimba-nimba deui ti dieu.”
YOHANES 4.16–23 19
16 Saur Isa, “Teang heula salaki, sina ka
dieu.”
17 Tembalna, “Teu gaduh salaki abdi

mah.” Saur Isa deui, “Bener, Nyai


memang teu boga salaki.
18 Tapi Nyai geus lima kali boga salaki.

Nu ayeuna mah lain salaki. Pangakuan


Nyai bener.”
19 Tembalna, “Jungjunan, moal lepat,

yakin yen Jungjunan teh nabi!


20 Karuhun abdi ngalakonan ibadahna

di dieu, di gunung; nanging sanggem


urang Yahudi mah, kedah di Yerusalem.”
21 Saur Isa, “Sing percaya ka Kami,

engke mah ngabakti ka Allah teh di


gunung ieu lain, di Yerusalem lain.
22 Urang dieu mah, nyarembahna teh

kana sesembahan anu asing, ari Kami


mah wawuh saha Anu disembah teh.
Sabab kasalametan mah, jalanna ti
bangsa Yahudi.
23 Tapi tangtu cunduk waktu datang

mangsa, — malah ayeuna ge geus mimiti


—, umat anu tulen ibadah teh, nya eta
anu nyembah ka Rama kalawan roh
jeung kayaktian. Kudu kitu, ngabakti
nurutkeun pangersa Allah mah.
YOHANES 4.24–32 20
24 Ari Allah teh sipat Ruh, jadi babakti
ka Anjeunna ge ngalampahkeunana
kudu kalawan roh jeung kayaktian.”
25 Diwalon ku eta awewe, “Abdi ge

terang, yen engke rek aya nu sumping,


nya eta Al Masih tea. Upami Anjeunna
parantos sumping, sagala rupi perkawis
tangtos ku Anjeunna diterangkeun.”
26 Saur Isa, “Kapan ieu Al Masih teh,

nya anu ayeuna keur cacarita.”


27 Sabot kitu murid-murid daratang;

kacida hareraneunana nenjo Guruna


keur sasauran jeung awewe teh; tapi
saurang oge, teu aya nu wani naros:
Nuju mundut naon? atawa: Nuju
nyarioskeun naon?
28 Ari awewe tea, cul buyung terus indit

ka kota, hariweusweus ka batur-baturna;


29 “Leuh, aya jelema wet nyahoeun

kana sagala lampah kuring! Boa-boa Al


Masih tea! Hayu urang ka ditu!”
30 Bral bae arindit manggihan Anjeunna.
31 Sajeroning kitu, murid-murid

ngahaturkeun tuangeun, pokna, “Rabi


mangga geura tuang.”
32 Tapi waler-Na, “Geus boga dahareun

mah. Tapi maraneh mah, acan nyaho


kana rupana.”
YOHANES 4.33–40 21
33 Murid-murid silih tanya pada batur,
“Aya nu ngintunan kitu?”
34 Saur Isa, “Kadaharan Kami mah,

nya eta: Ngalampahkeun pangersa


Anjeunna, Anu ngutus ka Kami jeung
nganggeuskeun padamelana-Na.
35 Opat bulan deui ge dibuat, lain kitu

cek maraneh? Geura tuh, pasawahan


sakitu legana! Parena geus karoneng,
meujeuhna dipibuatan.
36 Malah nu kudu dibuatna ge

geus narima buruhanana, tinggal


ngumpulkeun beubeunanganana,
pibekeleun hirup di kalanggengan,
supaya boh nu melak boh nu dibuat
sarua suka bungahna.
37 Sabab bener cek kacapangan: ‘Aya

nu kudu melak, aya nu kudu ngala.’


38 Nya maraneh ku Kami dititah

ngalana, da melakna mah geus nitah nu


sejen; maraneh nu wajib metik hasilna.”
39 Ku caritaan awewe nu tadi tea, anu

nyebutkeun, “Anjeunna uningaeun kana


kabeh lampah kuring;” ahirna, loba
urang Samaria anu percaya ka Isa.
40 Sanggeus pada terang, ku

maranehna Anjeunna diandeg; sarta


YOHANES 4.41–46 22
Anjeunna ngarereb heula dua poe di
maranehna.
41 Sanggeus ngadarenge kasaurana-Na,

beuki loba bae urang Samaria anu


percaya ka Anjeunna.
42 Ceuk maranehna ka awewe tea,

“Urang oge percaya ayeuna mah, tapi


lain ku carita maneh bae; sabab ayeuna
mah, geus ngadenge sorangan. Yakin
urang oge, Anjeunna teh tetela Juru
Salametna alam dunya.”
43 Sanggeus dua poe tea, Isa angkat

deui ti dinya ngabujeng ka Galilea,


44 sabab Isa ku anjeun kungsi

nyaurkeun, yen di lemburna sorangan


mah nabi teh tara dihargaan.
45 Sasumping-Na di Galilea, Anjeunna

pada ngabageakeun. Sabab urang dinya,


geus kungsi nyaraksian sakur anu ku
Anjeunna dipidamel di Yerusalem, waktu
maranehna keur milu kana pesta di
dinya.
46 Ti dinya Isa mulih deui ka lembur

Kana (Galilea), tempat Anjeunna


ngadamel cai jadi anggur tea. Di dinya,
aya hiji pagawe karaton; anakna teh
keur gering di Kapernaum.
YOHANES 4.47–53 23
47 Barang ngadenge beja yen Isa
geus mulih ti Yudea ka Galilea, teras
bae nepungan, menta tulung supaya
Anjeunna kersa sumping nyageurkeun
anakna nu geus samar kana menyat
deui.
48 Saur Isa ka manehna, “Maraneh

moal percaya, lamun henteu nenjo


tanda-tanda jeung mujijat-mujijat mah!”
49 Wangsul pagawe karaton,

“Jungjunan, mugi sumping, meungpeung


pun anak teu acan maot!”
50 Saur Isa, “Geura mulang, anak

anjeun hirup!” Eta jelema percaya pisan


kana dawuhana-Na, tuluy balik.
51 Di jalan keneh manehna papapag

jeung bujang-bujangna, anu ngabejaan


yen anakna geus cageur.
52 Ka bujangna ditanyakeun pukul

sabaraha mimiti cageurna. Dijawab,


“Kamari, tabuh satu siang panasna
rerep.”
53 Bapa budak teh ingeteun yen wanci

eta pisan Isa ngadawuh-Na, “Anak


anjeun hirup.” Geus kitu mah, manehna
— kitu deui kulawargana — jadi percaya
ka Isa.
YOHANES 4.54–5.6 24
54 Eta kajadian teh, tanda mujijat kadua
— di Kana — anu dipidamel ku Isa,
samulih-Na ti Yudea ka Galilea tea.
1 Teu lila ti harita, dina poean hari

5 raya urang Yahudi, Isa angkat ka


Yerusalem.
2 Deukeut panto gapura, nu katelah

“Panto Gapura Domba,” aya kulah


pamandian. Eta kulah, — anu tepasna
aya lima tea — ngaran dina basa Ibranina
“Betesda.”
3 Kabehanana, dipinuhan ku nu

garering: nu lolong, nu deog, jeung nu


lumpuh. Kabeh keur ngadago-dago oyag
na cai kulah tea.
4 Sabab sawaktu-waktu, ka dinya,

sok lungsur malaikat Pangeran pikeun


ngoyagkeun cai kulah. Anu pangheulana
ancrub, — sanggeus caina dioyagkeun
ku malaikat — boga panyakit kumaha
oge sok terus cageur.
5 Harita, aya saurang anu geringna geus

tilu puluh dalapan taun.


6 Ku Isa katingali keur ngagoler. Ku

sabab geus uninga yen kaayaan kituna


teh geus lila, tuluy mariksa, saur-Na ka
manehna, “Maneh hayang cageur?”
YOHANES 5.7–14 25
7 Jawabna, “Jungjunan, abdi teh teu
aya nu ngancrubkeun waktos cai kulah
oyag. Nembe oge kumarayap, geus
kapiheulaan ku nu sanes.”
8 Ti dinya, Isa ngadawuh, “Geura

hudang, panggul enggon ngedengna,


tuluy leumpang!”
9 Dadak sakala manehna cageur; heug

enggon ngedengna dipanggul, tuluy


leumpang. Harita teh poe Sabat.
10 Puguh bae nu kakara cageur teh

ku urang Yahudi digeunggeureuhkeun,


“Hey, ieu teh poe Sabat, teu meunang
punggal-panggul!”
11 Ari jawabna, “Da dipiwarang ku

Itu, anu nyageurkeun panyakit abdi,


saur-Na: Panggul enggon ngedeng
maneh, terus indit!”
12 Cek nu naranya, “Saha jelemana

nu nitah maneh manggul eta enggon


ngedeng jeung nitah indit teh?”
13 Tapi manehna, teu nyahoeun saha-

sahana mah; sabab Isa, terus nyulumun


ka tengah jalma rea nu ngagimbung di
dinya.
14 Teu kungsi lila, Anjeunna papendak

jeung manehna di jero Bait Allah; lajeng


Anjeunna ngadawuh, “Ayeuna maneh
YOHANES 5.15–19 26
geus cageur; ulah nyieun dosa deui,
supaya ulah pinanggih jeung anu leuwih
mahala.”
15 Sanggeus balik, manehna bebeja

ka urang Yahudi yen nu geus


nyageurkeunana teh, nya eta Isa.
16 Ku sabab eta, urang-urang Yahudi

nareangan jalan rek nganiaya ka


Anjeunna, pedah geus ngalampahkeun
pagawean dina poe Sabat.
17 Tapi saur Isa ka manehna, “Ama Kami

barang damelna teh teu aya kendatna;


tug, nepi ka ayeuna. Jadi, Kami oge kitu,
dina barang gawe teh.”
18 Ku sabab eta, urang-urang Yahudi

teh tambah nyongkab, satekah polah


hayang maehan ka Anjeunna. Lantaran
cek maranehna teh, jaba Isa teu tolih
kana poe Sabat, oge geus nerangkeun
yen Allah teh Rama-Na, mapadani ka
Allah.
19 Ku Isa diwaler kieu, “Cek Kami

ka maraneh: Putra moal bisa migawe


naon-naon ku pokalna sorangan, upama
henteu nenjo heula padamelan Rama.
Anu dipigawe ku Putra, kabeh oge, sakur
anu dipidamel ku Rama.
YOHANES 5.20–25 27
20 Sabab Rama teh asih ka Putra, jeung
mintonkeun ka Anjeunna sakur anu
geus dipidamel. Malah ka Putra teh,
Rama bakal mintonkeun padamelan-
padamelan anu leuwih agung batan nu
enggeus-enggeus nepi ka maraneh bakal
ngarasa helok.
21 Sabab sakumaha Rama iasa

ngahudangkeun jeung ngahirupkeun


anu geus maraot, Putra oge bisa
ngahirupkeun nurutkeun pangersa-Na.
22 Rama ku anjeun, moal ngahukum

saha-saha. Sabab kalungguhan Hakim


geus dikawasakeun ka Putra,
23 supaya jelema-jelema kabeh ajrih ka

Putra, cara ajrih ka Rama. Sing saha anu


henteu hormat ka Putra, saenyana mah
henteu hormat ka Rama anu ngutus.
24 Cek Kaula ka aranjeun: Saha-saha

anu nurut kana omongan Kami jeung


percaya ka Anu ngutus ka Kami, bakal
tinemu jeung hirup anu langgeng tur
moal milu kahukum sabab geus pindah
ti alam maot ka alam hirup.
25 Cek Kaula ka aranjeun: Engke aya

mangsana, malah mimiti ti ayeuna,


nu geus paraeh teh bakal ngadarenge
YOHANES 5.26–30 28
gentra Putra Allah. Sing saha anu nurut,
tinangtu hirup.
26 Sabab sakumaha Rama anu nyepeng

hirup, Putra oge dikawasakeun nyekel


hirup.
27 Lian ti eta, Rama ge geus masrahkeun

kakawasaan pikeun jadi hakim ka Putra;


sabab Anjeunna, Putra Manusa teh.
28 Hal eta, ku aranjeun henteu kudu

dipikaheran. Sabab pidatangeun


mangsa, anu keur sumare di alam
kubur, kabeh bakal ngadarenge kana
gentra-Na.
29 Sakur nu keur hirupna bener,

harudangna ti alam kubur teh bakal


terus kana hirup nu langgeng. Anu
tadina hirupna jahat mah, dina mangsa
harudang ti alam kubur teh, geus
disampakkeun hukuman.
30 Kami sorangan henteu kawasa

nangtukeun naon-naon. Hukuman anu


ditibankeun ku Kami teh, saluyu jeung
sakumaha timbalana-Na. Timbangan
Kami bakal adil, lain ngarah puas
sorangan, tapi numutkeun pamundut Nu
ngutus ka Kami.
YOHANES 5.31–37 29
31 Lamun hal ihwal Kami,
diterangkeunana ku Kami sorangan, can
puguh anu sabenerna.
32 Anu nerangkeun hal ihwal Kami

teh, anu sejen sarta Kami nyaho yen


katerangana-Na ngeunaan Kami teh
saestu.
33 Aranjeun geus ngajurungan utusan

ka Yahya sarta anjeunna geus mere


katerangan ngeunaan hal anu sayaktina;
34 saenyana, Kaula mah henteu

butuh ku panyaksen ti jelema; Kaula


nerangkeun soteh supaya aranjeun
tinemu jeung kasalametan.
35 Anjeunna ibarat lampu anu hurung

caang. Tapi eta lampu teh, ku aranjeun


mah, ngan dipake keur sajongjongan
wungkul.
36 Tapi Kaula boga katerangan anu

leuwih penting batan panyaksen Yahya,


nya eta anu mangrupa papancen anu
ku Rama dipasrahkeun supaya ku Kaula
dilampahkeun ayeuna. Eta wujudna nu
jadi saksi Kaula teh, nu nerangkeun yen
Kaula teh bener diutus ku Rama.
37 Rama anu ngutus ka Kaula tea, Saksi

Kaula teh. Aranjeun acan ngadarenge


Gentra-Na, acan nyaraho kana jirim-Na,
YOHANES 5.38–45 30
38 jeung dawuhana-Na henteu ngancik
di jero hate. Sabab aranjeun, henteu
percaya ka Nu geus diutus ku Mantenna.
39 Kitab-kitab Suci ku aranjeun diarulik,

bari umangkeuh yen ku jalan kitu


teh bakal bisa tinemu jeung hirup nu
langgeng. Tapi sanajan eta Kitab-kitab
Suci geus muat katerangan-katerangan
tina hal ihwal Kaula,
40 aranjeun tetep embung datang ka

Kaula malar bisa tinemu jeung hirup tea.


41 Kaula henteu hayang dihormat ku

manusa.
42 Tapi kaula, wawuh pisan ka aranjeun;

hate aranjeun teh teu boga kanyaah ka


Allah.
43 Kaula datang ngagem jenengan Ama

Kaula, tapi ku aranjeun henteu ditarima;


ari nu sejen, — anu datangna mawa
ngaran sorangan — ku aranjeun malah
ditarima.
44 Kumaha aranjeun bisa percaya sabab

anu dipamrih teh panghormat ti papada


manusa, lain panghargaan anu asal ti
Allah nu Tunggal.
45 Ulah disangka Kaula nu rek ngadakwa

aranjeun, engke, di payuneun Rama.


Nu baris ngadakwa aranjeun mah Nabi
YOHANES 5.46–6.5 31
Musa, nya eta Nabi nu jadi gunung
pananggeuhan aranjeun.
46 Padahal, lamun aranjeun percaya

ka Musa, ka Kaula oge tangtu percaya.


Sabab anjeunna, geus nyeratkeun hal
ihwal Kaula.
47 Tapi lamun aranjeun henteu percaya

kana hal anu geus diseratkeun ku


Musa, kumaha rek bisa percaya kana
katerangan Kaula?”
1 Ti dinya Isa angkat meuntas talaga

6 Galilea, nu disebut oge talaga


Tiberias.
2 Loba pisan jelema anu naluturkeun

Anjeunna. Sabab maranehna, geus


nenjo kana mujijat-mujijat-Na, nya
eta waktu Anjeunna nyageurkeun nu
garering.
3 Di peuntas, Anjeunna unggah

ka gunung kersa ngareureuh jeung


murid-murid.
4 Harita teh, geus meh Paska, nya eta

hari rayana urang Yahudi tea.


5 Ningali anu naluturkeun sakitu

ngabrulna, Anjeunna sasauran ka


Pilipus, “Di mana urang bisa meuli roti
keur nyuguhan maranehna?”
YOHANES 6.6–13 32
6 Sasauran kitu soteh rek ngadoja
wungkul, da geus uninga kudu
kumaha-kumahana mah.
7 Walon Pilipus, “Roti dua ratus dinareun

oge moal cekap kangge jalmi sakieu


seueurna mah, sanaos saeutik sewang.”
8 Pok, murid sejenna anu ngaran

Andreas, — dulurna Simon Petrus —


mihatur:
9 “Aya budak ngabantun roti lima siki

sareng lauk dua siki; nanging bade


cekap ti mana, jalmi sakieu seueurna?”
10 Saur Isa, “Eta jelema-jelema teh,

sina dariuk heula bae.” Di dinya teh,


tempatna genah, loba jukutna. Eta
jelema-jelema teh, gek bae, dariuk;
lobana, kira-kira lima rebu urang.
11 Tuluy roti nu bieu teh, ku Isa

dicandak. Sanggeus muji sukur, rotina


dibagikeun ka nu dariuk. Kitu oge
laukna, dibagi-bagikeun sacukupna.
12 Sanggeus sareubeuheun, Isa

ngadawuh ka murid-murid, “Kumpulkeun


kaleuwihanana, ulah aya nu kapiceun!”
13 Tuluy kaleuwihanana teh

dikumpulkeun, meunang dua welas


bakul.
YOHANES 6.14–21 33
14 Nenjo mujijat nu sakitu ahengna,
jalma-jalma ngaromong, “Tetela,
Anjeunna teh Nabi nu keur diarep-arep
tea, lumungsur-Na, di alam dunya!”
15 Ku sabab Isa uninga, yen maranehna

teh, tangtu bakal maraksa supaya kersa


jadi raja; Anjeunna angkat, nyingsalkeun
anjeun, nyalira bae ka tempat beh
tonggohna deui.
16 Wanci sareupna, murid-murid Isa ka

talaga deui, tuluy meuntas ngagunakeun


parahu,
17 pikeun ngajugjug kota Kapernaum.

Barang geus reupreupan poek, Isa acan


bae sumping.
18 Dumadakan laut jadi motah lantaran

gede angin.
19 Sanggeus balayarna kira-kira tilu mil,

beh bae katingal ku murid-murid-Na,


Isa angkat tapak kancang dina cai
nyaketan parahu. Maranehna teh, kacida
sarieuneunana.
20 Tapi Anjeunna ngadawuh ka

maranehna, “Ieu teh Kami, ulah


sarieun.”
21 Kakara oge Anjeunna rek

diunggahkeun ku murid-murid
YOHANES 6.22–26 34
kana parahu; parahu teh geus nepi
manten ka nu dijugjug.
22 Poe isukna, jelema-jelema

ngagimbung keneh di peuntas


ditu. Sabab ti kamarina keneh, ku
maranehna geus katangen yen parahu
nu balabuh di dinya ngan hiji. Lian ti
eta, maranehna ge nyarahoeun, yen
waktu murid-murid arindit teh henteu di
barengan ku Isa.
23 Sabot kitu, jul-jol parahu ti Tiberias

ka dinya, teu jauh ti tempat maranehna


disuguhan roti beunang ngaberkahan
Jungjunan tea.
24 Sanggeus tetela yen Isa, kitu deui

murid-murid-Na teu aya di dinya; cat,


sarerea teh, kana parahu ngajugjug
Kapernaum rek nareangan Isa.
25 Isa kapendak ku maranehna di

peuntaseun talaga. Pok arunjukan,


“Rabi, iraha sumping ka dieu?”
26 Saur Isa, “Kami nyaho, maraneh

nareangan Kami teh lain pedah ngarasa


katarik ku tanda-tanda mujijat ti Kami;
tapi saenya-enyana mah, tina lantaran
beuteung maraneh geus seubeuh ku roti
tea.
YOHANES 6.27–32 35
27 Pek digarawe, tapi ulah ngan ukur
malar dahareun nu gampang buruk
wungkul; nu kudu disiar teh, kadaharan
anu bisa awet; nu bisa dibawa ka
hirup di kalanggengan, nya eta anu
baris dibikeun ka maraneh ku Putra
Manusa. Sabab Putra Manusa teh, geus
dikawasakeun ku Allah, Rama, kalawan
sah.”
28 Pihatur maranehna, “Naon anu

kedah dilakonan, anu sapagodos sareng


Pangersa Allah?”
29 Saur Isa, “Nu wajib dilakonan teh,

nya eta: maraneh kudu percaya ka Anu


geus diutus ku Allah.”
30 Cek maranehna, “Naon tawisna ti

Anjeun ka abdi sadaya, supados percaya


ka Anjeun? Saleresna naon padamelan
Anjeun teh?
31 Waktos karuhun abdi nyorang tegal

kikisik, kadaharanana teh roti ‘manna.’


Dina Kitab Suci oge ditulis: Maranehna
dibere dahar roti ti sawarga.”
32 Saur Isa deui, “Cek Kami, anu mere

roti ti sawarga ka maraneh teh lain


Musa, tapi anu saenya-enyana mah Ama
Kami.
YOHANES 6.33–39 36
33 Roti paparin Allah teh, nya eta roti nu
ti sawarga tea, anu mere hirup-hurip ka
alam dunya.”
34 Wangsulanana, “Jungjunan, mugi

sing saterasna eta roti teh dipaparinkeun


ka abdi-abdi.”
35 Saur Isa, “Kapan Kami nu jadi

roti sumberna hirup teh. Sing saha


anu datang ka Kami, moal nyorang
lapar-lapar deui; kitu deui anu percaya
ka Kami, moal halabhab-halabhab deui.
36 Tapi ku Kami geus diterangkeun, yen

sanajan geus papanggih jeung Kami,


maraneh tetep henteu percaya.
37 Sakabeh nu dipaparinkeun ku Rama

ka Kami, tangtu katarima ku Kami sarta


sing saha anu datang ka Kami, ku Kami
moal ditampik.
38 Kami datang ti sawarga teh lain

rek ngayunkeun karep sorangan, tapi


rek ngalampahkeun Pangersa Ama anu
ngutus Kami.
39 Pangersa-Na Nu ngutus teh, nya eta

supaya sakur nu geus dipaparinkeun ka


Kami ulah aya nu leungit; sabalikna,
malar engke, — dina ahir jaman — ku
Kami baris diharudangkeun deui.
YOHANES 6.40–45 37
40 Jadi,pangersa Ama Kami teh, nya
eta supaya unggal-unggal jelema anu
geus wawuh jeung Putra tur percaya
ka Anjeunna, tinemu jeung hirup anu
langgeng; lian ti eta, ku Kami maranehna
baris dihirupkeun deui dina ahir jaman.”
41 Urang Yahudi, tuluy kukulutus

ngaromongkeun Anjeunna; — pedah


Isa nyaurkeun kieu, “Kami teh, roti nu
diturunkeun ti sawarga” —
42 Aromongna, “Eta teh lain Isa tea,

anak Yusup? Urang nyaho indung


bapa-Na. Kari-kari wani umaku turun ti
sawarga?”
43 Maranehna ku Isa di waler, “Ulah

ngaromel.
44 Moal aya anu bisa datang ka Kami

lamun henteu dikersakeun ku Ama anu


ngutus Kami. Anu datang ka Kami,
tangtu ku Kami baris dihudangkeun dina
ahir jaman.
45 Aya ayatna dina Kitab nabi-nabi,

kieu: Maranehna kabeh bakal diwuruk


ku Allah. Unggal-unggal jelema anu geus
ngadenge tur nurut kana piwuruk Rama
tangtu datang ka Kami.
YOHANES 6.46–53 38
46 Tapi lain hartina aya jelema nu geus
nenjo Rama. Nu geus nenjo Rama mah,
ngan Anjeunna bae anu asalna ti Allah.
47 Cek Kami: Sing saha anu enya-enya

percayana, bakal ginanjar hirup nu


langgeng.
48 Kami teh nu jadi roti sumbering

hirup.
49 Karuhun aranjeun, waktu keur di

tegal keusik, geus ngadalahar manna.


Maranehna geus teu araya di kieuna.
50 Sakur anu ngadahar ieu roti, anu

turun ti sawarga, moal keuna ku paeh.


51 Nya Kami nu jadi roti sumberna hirup

teh, nu turun ti sawarga. Sakur anu


ngadaharna, bakal hirup salalawasna
sarta eta roti teh, — nya daging Kami —
nu rek dibikeun pikeun ngahirupan alam
dunya.”
52 Urang-urang Yahudi parea-rea omong

jeung pada baturna, pokna, “Kumaha


petana, manehna bisa mere dagingna
supaya didahar ku urang!”
53 Dawuhan Isa, “Cek Kami, lamun

aranjeun henteu ngadahar daging Putra


Manusa sarta henteu nginum getih-Na,
diri aranjeun moal kaancikan ku hirup.
YOHANES 6.54–60 39
54 Sing saha nu ngadahar daging Kami
jeung nginum getih Kami, bakal ngamilik
hirup nu langgeng sarta dina ahir jaman
ku Kami bakal dihudangkeun.
55 Sabab daging Kami teh sajatining

kadaharan, getih Kami sajatining


inuman.
56 Anu ngadahar daging Kami jeung

nginum getih Kami bakal manunggal


jeung Kami. Kami ge kitu, nya bakal
manunggal jeung manehna teh.
57 Kami diutus ku Rama Anu jumeneng

sarta Kami oge hirup ku kersa Rama.


Nya kitu keneh anu ngadahar Kami,
manehna bakal hirup ku karana Kami.
58 Nya Kami roti nu diturunkeun

ti sawarga teh, lain roti kawas anu


didalahar ku karuhun maraneh anu geus
maraot tea. Anu ngadahar roti ieu, bakal
hirup salalanggengna.”
59 Kitu dawuhan Isa teh, waktu

Anjeunna ngawuruk di tempat


pangibadahan di Kapernaum.
60 Ngadenge piwuruk kitu, murid-

murid-Na loba nu ngaromong kieu, “Eta


piwulang-Na karasana peureus pisan,
saha nu kuat ngadenge?”
YOHANES 6.61–67 40
61 Ku Anjeunna oge, geus kauninga
dina manah-Na yen murid-murid
ngaromongkeun piwulang-Na tea.
Anjeunna lajeng ngadawuh, “Naha ieu
piwuruk Kami teh jadi panghalang kana
iman maraneh?
62 Jeung rek kumaha lamun aranjeun

narenjo Putra Manusa mi'rad ka tempat


asal-Na?
63 Anu mere hirup teh Ruh, sipating

daging mah sama sakali euweuh gunana.


Anu bieu ku Kami disebut-sebut teh, nya
eta Ruh jeung Hirup tea.
64 Tapi di antara maneh, aya anu

embung percaya.” Isa memang geus


uninga, ti memehna, saha anu henteu
percaya jeung saha anu bakal hianat ka
Anjeunna.
65 Tuluy ngadawuh, “Ku sabab eta, cek

Kami tadi: moal aya anu bisa tinemu


jeung Kami lamun henteu dikersakeun
ku Rama.”
66 Ti semet harita, loba murid Anjeunna

anu murtad sarta arembungeun deui


ngiring ka Anjeunna.
67 Geus kitu, Isa ngadawuh ka murid-Na

anu dua welas, “Naha maraneh oge rek


arindit?”
YOHANES 6.68–7.3 41
68 Jawab Simon Petrus, “Abdi teh
indit bade nuturkeun saha? Dawuhan-
dawuhan Jungjunan teh, estu dawuhan
anu hirup tur langgeng;
69 sarta abdi-abdi percanten sareng

ngaku, Jungjunan teh asal ti Allah Nu


Maha Suci.”
70 Saur Isa, “Maraneh, dua welasanana

teh, naha lain Kami sorangan anu milih?


Najan kitu, nu saurang mah geuning
Iblis.”
71 Anu dimaksud ku Anjeunna, nya

eta Yudas, anak Simon Iskariot; sabab


nya manehna, anu boga niat hianat ka
Anjeunna teh.
1 Ti dinya, Isa angkat ngider ka

7 sakuliah tanah Galilea. Anjeunna


henteu kersaeun matuh di Yudea
lantaran diarah-arah ku urang-urang
Yahudi rek ditelasan.
2 Harita teh, geus deukeut kana hari

raya urang Yahudi, anu disebut Hari


Raya Saung Dangdaunan.
3 Cek saderek-saderek-Na, “Mending ge

angkat ka ditu ka Yudea, supaya murid-


murid nu di daritu oge bisa nyaraksian
kana sakur pagawean Anjeun.
YOHANES 7.4–12 42
4 Baranggawe teh ulah ririkipan bae,
ari hayang meunang pangakuan ti
masarakat mah. Tembongkeun eta
pagawean Anjeun teh ka masarakat.”
5 Saderek-saderek-Na mah, teu daek

percaya ka Anjeunna.
6 Isa ngawaler, “Waktu Kami tacan

cunduk, ari aranjeun mah salawasna aya


waktu.
7 Da jalma rea, ka aranjeun mah

moal mikangewa; ari ka Kami mah,


ngarewaeun lantaran Kami nyebut jahat
kana kalakuanana.
8 Jung bae, aranjeun ka ditu muru

pesta. Kami mah moal waka, sabab acan


waktuna,”
9 kitu saur-Na ka maranehna. Isa mah

angger bae linggih-linggih di Galilea.


10 Tapi sabada saderek-saderek-Na

arindit kana eta pesta, Isa oge angkat


ka ditu, ngan henteu terang-terangan.
11 Di tengah-tengah pesta, Anjeunna

ditareangan ku urang Yahudi, bari


aromongna, “Di mana atuh eta Jelema
teh?”
12 Jelema-jelema loba anu tingkarecewis

ngaromongkeun Anjeunna. Aya nu


nyebut kieu, “Anjeunna mah jelema
YOHANES 7.13–19 43
bener.” Aya deui nu nempas, “Wah,
puguh tukang mawa murtad ka rayat.”
13 Tapi ari ngomongkeun terang-

terangan mah teu waranieun, sarieuneun


ku urang Yahudi nu sejenna.
14 Tengah-tengah pesta, Isa lebet ka

Bait Allah lajeng ngawulang.


15 Urang Yahudi kabeh hareraneun

aromongna, “Naha ku luhur teuing


pangartina, padahal henteu sakola!”
16 Dawuhan Isa ka maranehna, “Anu

diwurukkeun ku Kami teh, lain tina


pangarti Kami sorangan, tapi asal ti Anu
ngutus ka Kami.
17 Sakur anu daek ngalampahkeun

Pangersa-Na mah, tangtu bakal nyaho;


naha ieu piwuruk Kami teh, ti Allah
atawa tina pangarti sorangan.
18 Sing saha anu nyaritakeun dirina

sorangan, eta teh hayang kapuji. Tapi


lamun nyaritana teh pikeun kamulyaan
Anu ngutus-Na, anu dicaritakeunana teh
tangtu bener, moal aya teu benerna.
19 Aranjeun lain geus dibere Toret ku

Musa? Tapi teu saurang-urang acan nu


ngalakonan parentahna. Naon alesanana
maraneh hayang maehan ka Kami?”
YOHANES 7.20–26 44
20 Jawab jalma rea, “Sugan Anjeun
karanjingan setan. Na saha nu rek
maehan Anjeun?”
21 Saur Isa, “Ku hiji pagawean nu ku

Kami dilampahkeun, maraneh kabeh


heran.
22 Musa geus netepkeun hal sunat, —

saenyana sunat teh ti karuhun urang,


lain ti Musa — maraneh sok nyunatan
dina poe Sabat.
23 Lamun meunang nyunatan dina poe

Sabat pikeun nyumponan kana hukum


Musa tea, naha maraneh ararambek
pedah Kami geus nyageurkeun hiji
jelema sakujur awakna dina poe Sabat?
24 Ulah sok gampang-gampang

ngahukuman ku nenjo sare'atna


wungkul; kudu timbang-timbang heula
sing asak supaya adil.”
25 Cek sawatara urang Yerusalem, “Eta

Jelema teh lain anu keur diarah rek


dipaehan tea?
26 Geuning, bisa nyarita laluasa kitu tur

euweuh anu bisa kua-kieu ka Manehna.


Kawasna, pamingpin-pamingpin urang
teh, saenyana mah nyahoeun yen eta
Jelema teh Al Masih.
YOHANES 7.27–32 45
27 Tapi kapan urang oge nyaho kana
asal-usul-Na teh. Cacakan mun enya
Al Masih, saha nu rek nyaho kana
asal-usul-Na?”
28 Dina piwulang-Na di Bait Allah, Isa

ngadawuh, “Memang maraneh wawuh ka


Kami sarta nyaho kana asal-usul Kami.
Kami mah diutus ku Rama nu Langkung
Estu, anu maraneh teu wawuh.
29 Kami mah wawuh sabab asal ti

Mantenna sarta diutus ku Mantenna.”


30 Tuluy maranehna nareangan akal

pikeun nangkep Anjeunna, tapi saurang


oge euweuh anu wani prak sabab acan
cunduk kana waktu-Na.
31 Tapi loba oge jelema, anu percaya ka

Anjeunna, ngaromong kieu, “Lamun Al


Masih tea datang, naha bakal midamel
mujijat leuwih hebat ti batan nu dijieun
ku ieu jelema?”
32 Kadenge ku urang Parisi ge,

tingharewosna jelema-jelema anu


nyaritakeun hal Anjeunna teh. Ku sabab
eta, imam-imam kapala jeung urang
Parisi marentahkeun ka pangawal-
pangawal Bait Allah kudu nangkep
Anjeunna.
YOHANES 7.33–39 46
33 Isa ngadawuh, “Moal bisa lila-lila
deui, Kami aya di maraneh teh, sabab
kudu buru-buru mulang ka Anu ngutus
Kami.
34 Maraneh bakal nareangan Kami, tapi

moal kapanggih sabab maraneh moal


bisa nepi ka tempat Kami.”
35 Cek urang Yahudi pada batur, “Na

rek ka mana cenah nepi ka moal bisa


papanggih deui jeung urang? Naha
kitu rek ka sebrang ka tanah Yunani,
nyampeurkeun nu ngalumbara di ditu?
Rek ngajar ka urang Yunani kitu?
36 Carek-Na tadi: Maraneh bakal

nareangan, tapi moal kapanggih. Jeung


cenah: Maraneh moal bisa nepi ka
tempat Kami. Naon eta teh maksudna?”
37 Dina poe panutupan hari raya, keur

raramena pesta, Isa ngadeg tuluy


ngadawuh, “Saha-saha anu halabhab,
hiap ka Kami, nginum!
38 Saha-saha anu percaya ka Kami,

sakumaha cek Kitab Suci: Dina hatena


bakal aya cinyusu anu hirup.”
39 Anu dimaksud ku Anjeunna teh,

nya eta Ruh anu bakal ditarima ku


anu percaya ka Anjeunna. Harita mah,
YOHANES 7.40–47 47
Ruh teh acan lungsur sabab Isa acan
dimulyakeun.
40 Ti anu ngabarandungan piwulang-Na,

aya sawatara urang anu ngaromong kieu,


“Enya, ieu mah Nabi (anu didago-dago).”
41 Aya deui nu nyebutkeun, “Ieu mah

Al Masih.” Tapi aya nu ngabantah, “Lain!


Piraku Al Masih datangna ti Galilea.
42 Cek Kitab Suci oge: Al Masih

teh rundayan Daud, kalahiran kota


Betlehem, tempat Daud baheula matuh.”
43 Timbul bae paham anu pabentar

ngeunaan Anjeunna.
44 Aya sababaraha urang anu niat

nangkep Anjeunna, tapi euweuh anu


wani terus jeung prakna.
45 Pangawal-pangawal tea,

ngadareuheus ka imam-imam kapala


jeung ka urang-urang Parisi. Tuluy saur
aranjeunna, “Mana Jelemana, ku naon
teu dibawa?”
46 Jawab pangawal-pangawal, “Jalmi

biasa mah, moal tiasa cacarios sapertos


Anjeunna!”
47 Cek urang Parisi, “Kutan maraneh

oge milu kabaud ka ditu?


YOHANES 7.48–8.3 48
48 Naha aya pepentol atawa salah
saurang urang Parisi anu kabengbat ku
eta Jelema?
49 Tapi eta jelema-jelema anu teu

nyaraho kana Toret! Katulah tah


jelema-jelema anu karitu teh!”
50 Pok, Nikodemus — salah saurang

Parisi anu kungsi gunem catur jeung Isa


— tumaros, saurna,
51 “Naha ari Toret urang ngahalalkeun

ngahukum jelema memeh perkarana


dipariksa, memeh puguh salah benerna?”
52 Tuluy ceuk aranjeunna teh, “Naha

anjeun oge urang Galilea kitu? Talungtik


deui Kitab Suci masing telik, tangtu
engke kauninga, yen ti Galilea mah
henteu aya saurang oge anu jadi nabi.”
53 Sanggeus kitu, maranehna baralik ka

imahna sewang-sewang.
1 Ari Isa mah, angkat ka Gunung

8 Jetun.
2 Isukna, isuk-isuk pisan, Isa geus

aya deui di Bait Allah. Sanggeus


jelema-jelema daratang; gek, Isa calik
terus ngawulang.
3 Sabot keur ngawulang, jol ahli-

ahli Kitab jeung urang-urang Parisi;


YOHANES 8.4–9 49
maranehna teh, nungtun hiji awewe anu
kapergok keur jinah.
4 Eta awewe teh disina nangtung

di tengah-tengah pasamoan; tuluy


maranehna nuduhkeun ka Isa, salaurna,
“Rabi, ieu awewe teh jinah, kapergok
pisan.
5 Hukuman ka awewe anu kitu mah,

saur Musa dina Kitab Toret teh, nya eta


kudu dibaledogan ku batu nepi ka paeh.
Kumaha ayeuna pamendak Anjeun?”
6 Nyararu'al kitu soteh, saenyana mah

ngadoja pikeun mancing kalepatana-Na.


Tapi Isa anggur dongko, bari curat-coret
dina taneuh.
7 Tapi nu ngadaroja teh, maksa marenta

dijawab. Neut, Isa cengkat ngadeg


bari nyarios ka maranehna, “Ari araya
onaman ti aranjeun anu teu boga dosa,
pek bae geura ngamimitian maledog ka
ieu awewe!”
8 Geus nyarios kitu, Anjeunna dongko

deui neraskeun curat-coretna, — kawas


saacanna — dina taneuh tea.
9 Dijawab kitu, nu ngadaroja teh

tingkolesed saurang-saurang, nu
pangkolotna tiheula, nepi ngan ukur kari
Anjeunna jeung awewe tea.
YOHANES 8.10–15 50
10 Tuluy Isa cengkat; pok Anjeunna
ngadawuh, “Ka marana nu ngadarakwa
nyai teh? Euweuh saurang-urang acan
anu wani ngahukum?”
11 Wangsulna, “Sumuhun teu aya,

nun Jungjunan.” Saur Isa, “Kami oge


moal. Jung geura mulang! Tapi ti
semet ayeuna, omat, ulah deui-deui
ngalampahkeun dosa.”
12 Geus kitu Isa neruskeun

ngawulangna, saur-Na, “Kami teh


nu jadi caangna dunya. Anu anut ka
Kami moal tinemu jeung poek, malah
tangtu hirup di alam caang.”
13 Ditempas ku urang Parisi, “Anjeun

mere katerangan tina hal diri Anjeun


sorangan. Bohong, eta katerangan teh!”
14 Waler Isa, “Najan jadi saksi pikeun

diri sorangan oge, tapi katerangan Kami


teh sah. Sabab Kami mah, terang pisan,
ti mana nya asal jeung ka mana nya
kudu mulang. Aranjeun mah teu terang
Kami, asal ti mana atawa kudu ka mana
bakal mulang teh.
15 Aranjeun mah, ngahakiman teh,

nurutkeun patokan manusa. Ari Kami


mah, ka saha bae oge, moal rek
ngahakiman.
YOHANES 8.16–21 51
16 Tapi lamun Kami ngahakiman,
hukuman Kami teh tangtu adil. Sabab
Kami henteu sorangan, tapi disarengan
ku Anu ngutus ka Kami.
17 Dina Kitab Toret aranjeun, aya bagian

anu netelakeun yen katerangan ti dua


saksi teh sah.
18 Memang, Kami teh geus jadi saksi

pikeun diri Kami sorangan; tapi aya deui


saksi sejenna, nya eta Rama anu ngutus
ka Kami tea.”
19 Cek urang Parisi, “Mana atuh buktina,

anu cek Anjeun Rama teh?” Waler-Na,


“Tetela, yen aranjeun teh henteu wawuh
ka Anjeunna. Atuh, ka Kami oge moal
wawuh! Padahal, mun aranjeun wawuh
ka Kami, ka Rama oge moal tepi ka teu
wawuh.”
20 Kitu waleran Isa dina keur ngawulang

deukeut peti derma di jero Bait Allah.


Tapi henteu aya, saurang oge, anu wani
nangkep ka Anjeunna, ku sabab tacan
waktuna tea.
21 Isa nyarios deui ka aranjeunna,

“Kami teh kudu mulang, sarta tangtu


ku aranjeun bakal ditareangan. Tapi
aranjeun mah, moal bisa daratang ka
tempat anu dijugjug ku Kami teh. Sabab
YOHANES 8.22–27 52
aranjeun mah, bakal maraot ku lantaran
dosa aranjeun sorangan.”
22 Urang Yahudi tinggerendeng, “Sugan

rek maehan maneh, da cek Manehna


bieu pamohalan urang bisa daratang ka
tempat anu rek dijugjug-Na.”
23 Isa nyarios deui, “Aranjeun teh ti ieu

dunya, Kami mah lain. Aranjeun warga


ieu dunya, Kami mah lain.
24 Ku sabab eta, tadi ku Kami geus

disebutkeun yen aranjeun bakal maraot


ku dosa aranjeun. Hartina, upama
aranjeun henteu percaya yen enya ieu
teh Kami, aranjeun tangtu bakal maraot
ku lantaran dosa aranjeun sorangan.”
25 Cek urang Yahudi, “Na saha kitu

Anjeun teh?” Waler Isa, “Ana kitu mah,


atuh naon gunana Kami cacarita ka
aranjeun teh?
26 Kalakuan aranjeun teh loba pisan

salahna anu manjing kana hukuman.


Sabalikna, Mantenna, — anu ngutus
Kami tea mah — sipat saestu. Ari anu
dicaturkeun ku Kami, eta teh asal ti
Mantenna.”
27 Tapi ku aranjeunna henteu

kahalartieun yen Anjeunna teh keur


nerangkeun hal Allah, Rama.
YOHANES 8.28–33 53
28 Ku sabab eta, Isa nyambung deui,
“Di mana Putra Manusa geus dipentang
di tempat nu luhur, nya kakara aranjeun
terang yen Kami teh utusana-Na;
nya kakara tembong benerna, yen
saucap-ucap Kami teh ngan numutkeun
piwuruk nu jadi Rama bae, lain ucapan
sorangan.
29 Ku kituna, Kami teh salawasna oge

tara nyorangan; tapi salawasna, Kami


disarengan ku Anu ngutus tea lantaran
salalawasna, Kami teh migawe anu
sapuk jeung pangersa-Na.”
30 Kasaurana-Na anu kitu teh,

ngalantarankeun loba anu percaya ka


Anjeunna.
31 Geus kitu, Anjeunna nyarios ka urang

Yahudi anu geus palercaya tea, saur-Na,


“Upama aranjeun tetep nyekel kana hal
anu dicaturkeun ku Kami, aranjeun teh
enya-enya jadi murid-murid Kami;
32 lian ti eta, aranjeun ge baris

terang kana kayaktian, anu baris


ngamerdikakeun aranjeun.”
33 Jawab maranehna, “Kaula teh,

sarerea oge, turunan Ibrahim. Saumur-


umur tacan kungsi ngawula ka saha
YOHANES 8.34–40 54
bae oge. Naha wet disebutkeun baris
dimerdikakeun?”
34 Waler Isa, “Sing percaya, yen

saha-saha anu migawe dosa, eta teh


ngawula kana dosa.
35 Ari nu jadi kawula tea, kapan moal

tetep bisa jadi anggota pangeusi imah,


teu cara anu jadi anak.
36 Jadi, upama aranjeun geus

dimerdikakeun ku Sang Putra tea,


kakara aranjeun teh enya merdika.”
37 “Kami oge nyaho, yen aranjeun teh

turunan Ibrahim, tapi keukeuh boga niat


hayang maehan ka Kami pedah ijid kana
pangajaran Kami.
38 Anu diterangkeun ku Kami teh,

nya eta anu ku Kami katenjo di Ama;


sakumaha aranjeun bae, kapan aranjeun
ge migawe papatah anu jadi bapa.”
39 Cek maranehna, “Bapa kaula teh

Ibrahim!” Waler Isa, “Lamun enya


aranjeun anak-anak Ibrahim, atuh geus
sawajibna nulad kana tapak lacakna.
40 Tapi buktina, anggur niat maehan

ka Kami; pedah Kami nyaritakeun


kasayaktian anu geus kareungeu ti kersa
Allah. Padahal Ibrahim mah henteu kitu.
YOHANES 8.41–46 55
41 Jadi anu dilalampahkeun ku aranjeun
teh tetela pagawean bapa aranjeun
sorangan.” Tembal maranehna, “Kaula
mah, lain anak anu teu puguh bapa
sabab Allah nu jadi Rama kaula teh!”
42 Saur Isa, “Upama enya Rama

aranjeun teh Allah, meureun nyaraah ka


Kami; da Kami teh medal ti Anjeunna,
lain datang niat sorangan, tapi ngemban
piutus-Na.
43 Naon sababna atuh aranjeun make

teu ngahalarti kana omongan Kami?


Sabab aranjeun arembung ngadenge
kana piwuruk Kami.
44 Iblis, bapa aranjeun mah! Anu

dipigawe ku aranjeun oge estu kahayang


eta bapa aranjeun tea. Tibaheulana
oge memang Iblis teh tukang maehan,
cadu kana bener, da musuh ka nu bener
teh. Jeung memang perbawa watekna,
tukang bohong, guru wadul, sarta rajana
tukang merdaya.
45 Ari Kami, anu nyaritakeun

kasayaktian ku aranjeun henteu


dipalercaya!
46 Cik saha ti aranjeun anu bisa

ngabuktikeun yen Kami kungsi nyieun


dosa? Sakur nu diomongkeun ku Kami
YOHANES 8.47–53 56
teh, kabeh, anu sayaktina; naon sababna
ku aranjeun henteu dipercaya?
47 Anu medalna ti Allah mah, tangtu

nurut kana sagala timbalana-Na. Ku


sabab nyata aranjeun teu nurut, atuh
tetela aranjeun teh lain medal ti Allah.”
48 Cek urang Yahudi teh, “Atuh bener

ari kitu mah, Anjeun teh jelema nu teu


waras pipikiran, urang Samaria tea!”
49 Waler-Na, “Kami lain jelema teu

waras! Kami teh hormat ka nu jadi


Rama, tapi ku maraneh dihina-hina.
50 Tapi lain kahormatan keur diri

sorangan, nu ku Kami diteangan teh; da


eta mah geus aya nu mangusahakeun,
nya eta Anu baris jadi Hakim nu sajati.
51 Sing percaya kana omongan Kami,

yen sing saha anu percaya ka Kami


salilana oge moal keuna ku pati.”
52 Tarembalna, “Bener, tetela Anjeun

teh henteu waras pipikiran. Geus bukti


kapan, Ibrahim pupus, nabi-nabi geus
teu araya di kieuna; ari cek Anjeun,
saha-saha anu percaya kana omongan
Anjeun moal keuna ku pati!
53 Naha Anjeun teh leuwih punjul ti

batan suwargina Ibrahim, karuhun


YOHANES 8.54–59 57
kaula? Anjeunna geus pupus, kitu deui
nabi-nabi! Na saha kitu Anjeun teh?”
54 Saur Isa, “Lamun Kami ngagungkeun

diri, kaagungan Kami teh euweuh


hartina. Tapi kaagungan Kami teh, ti
Rama asalna, nya Allah anu disembah ku
aranjeun tea;
55 padahal aranjeun teh, henteu

warawuh ka Mantenna. Kami mah


wawuh. Upama cek Kami: Kami teu
wawuh ka Mantenna, Kami teh tukang
bohong kawas aranjeun. Tapi Kami
wawuh ka Mantenna sarta Kami nurut
kana dawuhana-Na.
56 Ibrahim nu jadi karuhun aranjeun,

suka bungah lantaran baris ningal poean


Kami datang ka dunya. Eta teh ayeuna
geus kasaksian ku anjeunna kalawan
suka bungah.”
57 Tarembal urang-urang Yahudi, “Umur

Anjeun teh can aya lima puluh taun, tapi


geus nyaho ka Ibrahim?”
58 Waler Isa, “Samemeh Ibrahim

gumelar Kami mah geus aya.”


59 Geus kitu, maranehna nareangan

batu boga niat rek maledogan ka


Isa; tapi Anjeunna enggal nyilib sarta
ngantunkeun Bait Allah.
YOHANES 9.1–7 58
1 Dina hiji waktu, basa Isa keur
9 angkat, tepang jeung hiji jelema anu
lolong bawa ngajadi.
2 Murid-murid-Na mihatur, “Rabi, saha

nu gaduh dosana teh, nu mawi eta jalmi


jadi lolong ti barang burusut? Manehna
sorangan atanapi kolotna?”
3 Waler Isa, “Lain manehna jeung

lain kolotna oge. Eta mah pikeun


nganyatakeun kakawasaan Allah ka
dirina.
4 Meungpeung beurang keneh, urang

wajib nedunan pangersa Nu ngutus


Kami; sabab mun geus peuting mah,
moal aya nu bisa baranggawe.
5 Satungtung di dunya, Kami nu

nyaangan dunya teh.”


6 Sanggeus nyarios kitu, Anjeunna

ngaludah kana taneuh; tuluy eta taneuh


teh, diguley-guley jadi leutak; geus kitu,
ku Anjeunna dipopokeun kana panon nu
lolong tea,
7 bari saur-Na, “Jung sibeungeut

ka kulah Siloam.” Kecap Siloam teh


pihartieunana ‘Nu diutus.’ Nu lolong
teh indit ka kulah Siloam nurutkeun
parentah. Sanggeus sibeungeut, tuluy
YOHANES 9.8–15 59
manehna datang deui jeung eta panonna
teh geus bisa pake nenjo.
8 Tatangga-tatanggana, kitu deui anu

tuman narenjo manehna barang maen,


silih tanya, “Eta teh lain anu sok musapir
tea?”
9 Ceuk anu ditanya, “Enya geuning!”

Tapi cek sabagian deui, “Lain, meureun


pedah sarimbag bae eta mah.” Tapi nu
boga awakna ngaku sorangan pokna,
“Enya, kuring!”
10 Tuluy pada naranya, “Geuning eta

geus henteu lolong, kumaha cageurna?”


11 Ditembal, “Dipopokan leutak ku

nu jenenganana Isa, terus dititah


sibeungeut ka Kulah Siloam. Kuring
nurut, nya kajadian: Ari sibeungeut ari
bray panon teh bisa nenjo.”
12 Pok deui nu naranya, “Ayeuna

Anjeunna di mana?” Walonna, “Duka


atuh!”
13 Geus kitu, anu tadina lolong teh

dibarawa ka urang Parisi.


14 Waktu Isa ngaguley-guley taneuh

pikeun nyageurkeun manehna teh,


kajadianana, dina poe Sabat.
15 Ku urang Parisi, manehna dititah

nyaritakeun deui kumaha lantaranana


YOHANES 9.16–21 60
pangna jadi bisa nenjo. Ari jawabna, “Ku
Anjeunna panon abdi dipopokan leutak;
ku abdi teras dikumbah, bray bae ningal,
mung sakitu.”
16 “Mustahil, eta Jelema teh, utusan

Allah; sabab henteu ngendahkeun poe


Sabat,” cek urang Parisi. Tapi dibantah
ku nu sejen, “Mun enya Manehna jalma
doraka, na kira-kirana bisaeun nyieun
mujijat anu aheng kitu?” Maranehna jadi
pasalingsingan paham.
17 Pok deui naranya ka jelemana, “Cek

maneh, saha eta Jelema teh? Pedah bae,


maneh geus bisa beunta ku eta jelema!”
Jawabna, “Moal lepat, Anjeunna teh
nabi.”
18 Ari urang Yahudi mah, teu percaya

yen eta jelema teh, asalna lolong; nepi


ka nyalukan indung bapana,
19 tuluy ditanya, “Bener ieu anak

maraneh, nu lolong ti barang burusut


tea? Naon sababna nepi ka bisa nenjo
kitu?”
20 Jawab indung bapana, “Leres, ieu teh

pun anak, anu ti barang gubrag parantos


lolong.
21 Nanging naon lantaranana nu

mawi ayeuna tiasa ningal, atanapi


YOHANES 9.22–27 61
saha anu nyageurkeunana, eta mah
duka teh teuing teu terang-terang.
Sae dipariksakeun ka jinisna bae, da
parantos baleg, tangtos tiasa ngajawab
sorangan.”
22 Ngajawab kitu soteh, bakating ku

sieun; lantaran geus nyarahoeun, yen


eta urang Yahudi teh geus mupakat,
nya eta mun aya anu wani nyebutkeun
cageurna eta jelema teh ku Al Masih,
baris dikaluarkeun ti pakumpulan
kaagamaan.
23 Eta sababna, ngajawabna teh cukup

ku, “Sae dipariksakeun bae ka jinisna,


da parantos baleg.”
24 Tuluy jelemana dicalukan deui,

seug diomongan, “Ku lantaran aya


kajadian kitu ka maneh, maneh wajib
ngagungkeun teh ka Allah; da Jalma itu
mah, Jalma doraka.”
25 Tembalna, “Doraka henteuna mah,

abdi teu terang; terang soteh, tadina


abdi lolong ayeuna tiasa ningal.”
26 Cek urang Yahudi, “Dikumahakeun

bae maneh teh? Kumaha petana


nyageurkeuna-Na?”
27 Dijawab, “Ongkoh tadi parantos

disanggemkeun, na teu kadarangu kitu,


YOHANES 9.28–33 62
nganggo marundut disanggemkeun
deui? Bade jaradi murid-murid-Na kitu?”
28 Ngadarenge jawab kitu teh, urang

Yahudi jadi nyareuneu, ngomongna


sugal, “Puguh maneh murid-Na mah!
Urang mah murid Musa.
29 Ka Musa mah Allah teh geus puguh

ngandika, urang ge nyaho eta mah. Tapi


ka eta Jelema mah, nyaho teuing; nepi
ka ayeuna oge euweuh nu nyaho ti mana
asal-usul-Na.”
30 Manehna nembal deui, “Asa kalintang

anehna dugi ka teu acan aruninga kana


asal-usul Anjeunna, sakitu parantos
kauninga iasa nyageurkeun anu lolong.
31 Padahal unggal jalmi oge ngarti,

yen jalma doraka mah, piraku ku Allah


dugi ka dijungjung kitu. Tiap-tiap anu
dijungjung ku Allah, tandaning jalma
hormat ka Allah sareng ngalakonan
timbalana-Na.
32 Ti sajlegna dunya oge, can kakuping

aya nu tiasa nyageurkeun nu lolong


bawa ngajadi.
33 Jadi, cek abdi mah, upami yaktos

Anjeunna sanes asal ti Allah, pamohalan


iasa midamel kieu.”
YOHANES 9.34–41 63
34 “Dasar maneh mah geus kasiku ku
dosa ti kodratna, ayeuna rek mapatahan
ka urang?” Cek maranehna bari
nyuntrungkeun, ngusir nitah nyingkah.
35 Kajadian eta teh kauninga ku Isa.

Dina parengna patepang deui, ku


Anjeunna diajak sasauran, “Ari maneh
percaya ka Putra Manusa?”
36 Tembalna, “Saha tea Anjeunna teh?

Cobi atuh wartoskeun, supados abdi ulah


rumegag nya percanten.”
37 Saur Isa, “Ongkoh geus papanggih,

malah ayeuna oge keur cacarita jeung


maneh!”
38 Brek bae, manehna sembah sujud

tuluy mihatur, “Aduh Jungjunan,


kantenan abdi teh percanten!”
39 Saur Isa deui, “Kami datang ka dunya

teh, supaya aya kaadilan: Anu lolong


dibeuntakeun, ari anu barareunta, jeg
nu lalolong.”
40 Eta kasaurana-Na teh, kadarengeeun

ku sawatara urang Parisi anu keur araya


di dinya. Maranehna narempas ka Isa,
“Maksud Anjeun teh, kaula oge dianggap
lolong kitu?”
41 Waler Isa, “Upama aranjeun enya

lolong, teu bisa nenjo, tangtu aranjeun


YOHANES 10.1–6 64
henteu salah. Tapi lantaran aranjeun
tetep umangkeuh bisa nenjo, — padahal
puguh-puguh teu awas — dosa teh,
tetep aya di aranjeun.”
1 “Kieu geura,” saur Isa, “Anu

10 asup ka pakarangan kandang


domba, — lain tina lawang anu baku —
tapi naek kana kuta; moal salah, tangtu
bangsat arek maling.
2 Da ari ki pangangon mah, asupna teh

biasa ti lawang,
3 beunang muka anu jaga. Jeung

dombana ge, arapaleun kana sorana,


nya kitu oge manehna: Apal ka ngaran-
ngaran dombana, disebutan hiji-hiji anu
arek dikencarkeun teh.
4 Kitu deui, upama geus di laluar, ana

manehna leumpang ti hareup tangtuna


dombana naluturkeun lantaran geus
warawuheun tea.
5 Tapi ka anu anyar pinanggih mah,

tangtu domba-domba teh moal


naluturkeun; malah sabalikna, kalabur
ngajarauhan sabab teu arapaleun kana
sorana.”
6 Kitu, saur Isa mere siloka ka

maranehna; ngan nya kitu, maranehna


YOHANES 10.7–14 65
teh henteu ngalartieun, naon maksudna
Anjeunna mere siloka kitu.
7 Isa nyarios deui, “Supaya tetela,

urang terangkeun: Anu diupamakeun


lawang teh nya eta Kami.
8 Anu miheulaan Kami ka dinya,

kabeh oge bangsat atawa rampog, ku


domba-domba ge moal diturut.
9 Nya Kami lawang teh. Sing saha anu

asupna ti dinya, tangtu jamuga, bisa lar


sup sarta bakal pinanggih jeung tegal
jukut.
10 Bangsat mah, datang teh ngan arek

maling, maehan, jeung ngabinasa; ari


Kami mah, kalawan maksud supaya
umat tinemu jeung hirup-hurip sarta
kaseundeuhan ku berkah.
11 Kami teh satia, lir pangangon anu

bumela. Pangangon anu bumela, tangtu


wani toh pati ngaraksa ingon-ingonna;
12 moal kawas anu ngan ukur buburuh

ngangon: pedah domba teh lain bogana,


ana aya kerud mah ngabecir, angonan
diantep sina dirareweg sina paburisat.
13 Munasabah kabur oge, ma'lum nu

buburuh tea, moal enya aya kanyaahna.


14 Eta pangangon anu bumela teh,

nya Kami buktina: Kami wawuh ka nu


YOHANES 10.15–21 66
diangon, nu diangon ge warawuheun ka
Kami teh;
15 — Nya cara Ama wawuh ka Kami,

Kami ge wawuh ka Anjeunna — lian ti


eta, Kami ge masrahkeun nyawa Kami
ka domba-domba Kami.
16 Aya keneh domba Kami anu lianna,

anu henteu sakandang; ku Kami arek


dibawa ka dieu — tur tangtu bakal
narurutna — nya sina sakandang sarta
sapangangon tea.
17 Ama nyaaheun ka Kami lantaran

Kami iklas nandonkeun nyawa, kalawan


yakin baris kapimilik deui.
18 Saenyana mah, moal aya nu bisa

ngarebut nyawa Kami; da kari kumaha


Kami sorangan. Sabab Kami, boga
kawasa pikeun mikeun sarta kawasa
nyokotna deui. Tapi Kami iklas sabab eta
teh papancen ti Ama Kami.”
19 Eta kasaurana-Na teh

ngalantarankeun urang Yahudi


pabentar paham. Ceuk sabagian gede;
20 “Puguh Jelema kasurupan

setan, Jelema miring kitu, naha


wet dibarandungan keneh bae?”
21 Ditempas ku nu lianna, “Piraku

anu karasuk ku setan kitu omongana-


YOHANES 10.22–27 67
Na! Jeung deui, naha bisaeun setan
nyageurkeun anu lolong?”
22 Teu lila ti harita, — dina usum

tiris — di Yerusalem aya pesta pikeun


mestakeun poe pangeling-eling
diistrenanana Bait Allah.
23 Lar, Isa ngalangkung di salah sahiji

rohangan Bait Allah nu disebut tepas


Sulaeman.
24 Gancang ku urang Yahudi dilingkung

jeung ditanya kieu, “Arek terus keneh


bae Anjeun teh ngaririsi pihak kaula?
Balaka bae, ari enya mah, Anjeun teh Al
Masih!”
25 Waler Isa, “Ongkoh Kaula geus terus

terang, aranjeun bae anu arembung


percaya. Padahal, pagawean Kaula anu
di pigawena kalawan asmana Kangjeng
Rama teh, geus cukup dipake saksi kana
benerna omongan Kaula.
26 Hanas aranjeun henteu palercaya,

pantes da lain domba Kaula.


27 Domba Kaula mah, wawuh kana sora

Kaula; Kaula nya kitu keneh, wawuh ka


darinya nepi ka maranehna araranut ka
Kaula sarta ku Kaula baris diganjar ku
hirup anu langgeng.
YOHANES 10.28–34 68
28 Sapapanjangna moal keuna ku binasa
jeung moal bisa karampas ti leungeun
Kaula.
29 Kangjeng Rama, anu masrahkeun

maranehna ka Kaula, punjulna teu


aya anu mapakan. Nu geus aya dina
genggeman panangana-Na, mustahil
bisa karebut ku batur.
30 Ari Kaula jeung Rama teh, estu

satunggal.”
31 Eta urang Yahudi teh, geus pek deui

bae nareangan batu rek ngabaledogan


ka Isa.
32 Tapi Anjeunna nyarios deui, “Sering

pisan Kaula teh ngabuktikeun pitulung-


pitulung ti kersaning Ama Kaula,
nembongkeun kahadean. Eta kitu,
sababna nu matak Kaula rek dibaledogan
teh?”
33 Jawab maranehna, “Arek maledogan

soteh lain dumeh kitu, tapi dumeh


Maneh ngahina ka Allah, nyaruakeun
Maneh jeung Allah; padahal, Maneh teh
jelema ilahar bae.”
34 Waler Isa, “Lain hal eta teh aya

kateranganana dina Kitab Toret


aranjeun? Ungelna: Cek Kami aranjeun
teh utusan-utusan Allah.
YOHANES 10.35–40 69
35 Sing aringet, Kitab Suci mah
moal ngabobodo! Ceuk Kitab, Allah
nyebatkeun yen aranjeunna teh utusan
anu ngemban timbalana-Na.
36 Masih keneh bae eta Jelema anu ku

Rama geus disucikeun sarta ku Anjeunna


diutus ka dunya teh, ku aranjeun
didakwa ngahina ka Allah?
37 Upama Kaula henteu migawe

padamelan-padamelan anu jadi Rama,


pantes najan aranjeun henteu palercaya
oge ka Kaula.
38 Sabalikna, upama Kaula

ngalampahkeun eta papancen ti


Kangjeng Rama, sanajan ka Kaula
pribadi aranjeun arembung percaya,
atuh percaya-percaya kana hal-hal
anu ku Kaula dipigawe tea, supaya
aranjeun bisa tarerang jeung ngalarti
yen Rama nyarengan ka Kami sarta Kami
sasarengan jeung Rama.”
39 Eta urang-urang Yahudi teh geus rek

kerewek deui bae, nya hayang nangkep


Anjeunna tea. Tapi Anjeunna lolos,
henteu kungsi kacerek ku maranehna.
40 Ti dinya, Isa angkat ka peuntaseun

walungan Ciyordan, ngabujeng tempat


anu pangmimitina dipake ku Yahya tea
YOHANES 10.41–11.5 70
pikeun ngabaptis; terus nganjrek heula
di dinya.
41 Urang dinya, loba pisan anu

dararatang ka Anjeunna bari ngaromong


pada batur, “Sanajan Yahya teu kungsi
nembongkeun hal-hal anu aheng, tapi
kasauranana ngeunaan ieu jelema tea
mah kabeh oge bener.”
42 Ku lantaran eta, di dinya teh jadi loba

anu percaya ka Isa.


1 Di Betania aya nu gering payah

11 ngaranna Lasarus, dulurna


Maryam jeung Marta.
2 Maryam teh, nya eta anu bareto

ngaminyakan Isa ku minyak seungit


jeung nyusutan sampeana-Na ku buukna
tea.
3 Maryam jeung Marta ngirim kabar

ka Isa kieu, “Jungjunan, pun dulur anu


ku Jungjunan dipikanyaah ayeuna nuju
udur.”
4 Saur Isa, sanggeus kenging wartos,

“Panyakitna moal nepi ka matak ajal,


malah bakal jadi lantaran tembongna
kakawasaan Allah sarta dimulyakeunana
Putra Allah.”
5 Anjeunna memang nyaah pisan ka

Marta, Maryam, jeung Lasarus teh.


YOHANES 11.6–15 71
6 Tapi diwartosan Lasarus gering teh,
Anjeunna mah calik-calik bae di dinya.
7 Heuleut dua poe ti harita, Anjeunna

nyarios ka murid-murid, saur-Na,


“Ayeuna urang ka Yudea deui.”
8 Cek murid-murid, “Rabi (Guru), teu

acan lami Rabi teh bade dibaledogan ku


urang Yahudi di ditu, dupi ayeuna bade
ka ditu deui!”
9 Waler Isa, “Sapoe teh, lain aya

dua welas jam? Lamun indit beurang-


beurang piraku suku titajong, kapan ti
beurang mah caang.
10 Titatarajong soteh, lamun leumpang

peuting sabab teu tembong tincakeun.”


11 Saur-Na, “Lasarus, dulur urang teh

keur sare, ayeuna urang teang, ku Kami


rek dihudangkeun.”
12 Cek murid-murid, “Parantos tiasa

mondok mah atuh majeng kana sae,


Jungjunan!”
13 Maksud Isa mah, “keur sare” teh geus

maot; ari ku murid-murid dihartikeunana


sare biasa bae.
14 Ku Isa diterangkeun sageblasna,

saur-Na, “Geus maot Lasarus teh.


15 Maotna keur Kami euweuh di ditu.

Tapi pikeun maraneh aya alusna, baris


YOHANES 11.16–25 72
mawa maraneh kana percaya. Ayeuna
mah, hayu urang ka ditu!”
16 Cek Tomas — anu katelah Didimus —

ka batur-baturna, “Hayu urang arindit,


urang ngadon paeh babarengan jeung
Anjeunna.”
17 Opat poe sanggesna Lasarus

dimakamkeun, jol, Isa sumping.


18 Betania teh deukeut ka Yerusalem,

ngan kurang leuwih dua pal jauhna.


19 Loba urang Yahudi anu ngaralayad

nembongkeun katresnan ka Marta jeung


Maryam anu keur kapapatenan.
20 Barang ngadenge beja yen Isa

sumping, Marta ka luar mapagkeun, ari


Maryam mah cicing bae di imah.
21 “Jungjunan,” cek Marta sanggeus

amprok, “upami Jungjunan aya mah


harita, pun dulur teh moal dugi ka maot;
22 sanaos kitu, ayeuna oge abdi yakin

yen mundut naon bae oge Jungjunan


mah ku Allah tangtos dikabul.”
23 Waler Isa, “Dulur nyai teh tangtu

hirup deui.”
24 Cek Marta, “Leres, bakal hirup deui,

engke dina poe kiamat.”


25 Waler Isa, “Kapan Kami nu jadi

sumbering hirup sarta anu baris


YOHANES 11.26–33 73
ngahudangkeun jelema-jelema dina poe
kiamat teh. Anu percaya ka Kami bakal
tetep hirup, sanajan geus paeh oge.
26 Sing saha anu keurna hirup percaya

ka Kami, salalawasna oge moal keuna


ku paeh. Percaya atawa henteu?”
27 Tembal Marta, “Jungjunan, abdi

percanten. Jungjunan teh Al Masih,


Putra Allah, anu parantos lumungsur ka
dunya.”
28 Ti dinya Marta balik deui ka imah

terus ngaharewos ka Maryam, “Guru


urang ngantos di jalan, mariksakeun
maneh.”
29 Maryam cengkat, terus ka luar rek

mapagkeun Isa,
30 anu keur di jalan keneh di palebah

urut amprokna tadi jeung Marta.


31 Ku nu ngaralayad ditaluturkeun,

samarukna Maryam rek ka makam


ngadon ceurik.
32 Maryam ngarangkul kana sampean

Isa bari unjukan, “Duh Jungjunan, upami


Jungjunan aya mah, harita, pun dulur
teh tangtos moal dugi ka maot.”
33 Ningali Maryam ceurik, kitu deui

ningali anu ngaralayad, Isa jadi


YOHANES 11.34–42 74
nalangsa, tuluy mariksa bari dumareuda,
saur-Na,
34 “Di mana makamna?” Dijarawab, “Di

ditu, mangga tingalian.”


35 Isa nangis kagagas.
36 Cek urang Yahudi anu ngaralayad,

“Tetela nyaaheunana ka nu geus


ninggalkeun teh.”
37 Aya oge anu ngaromong kieu, “Na teu

bisaeun kitu nyegah almarhum maot; da


bisaeun ari ngabeuntakeun anu lolong
mah?”
38 Ngadangu nu ngaromong kitu,

Isa tambah nalangsa, terus muru ka


makam. Makamna teh mangrupa guha,
lawangna ditutup ku batu gede.
39 “Singkirkeun batuna!” Saur-Na.

“Jungjunan,” cek Marta, “parantos bau,


margi parantos opat dinten.”
40 Saur Isa, “Cek Kami oge, lamun nyai

percaya tangtu bakal nenjo kakawasaan


Pangeran!”
41 Sanggeus batuna disingkirkeun, Isa

tanggah terus sasauran, “Nun Ama,


pinten-pinten nuhunna wireh Ama kersa
ngadangu kana panuhun.
42 Abdi terang, panuhun Abdi salamina

ku Ama di makbul. Dikedalkeun soteh,


YOHANES 11.43–49 75
supados ieu jalmi-jalmi palercaya yen
Abdi teh utusan Ama.”
43 Geus kitu Anjeunna nyoara tarik

pisan, “Lasarus, geura bijil!”


44 Kurunyung nu maot teh ka luar,

suku jeung leungeunna dibeungkeut


keneh ku boeh, beungeutna katutupan
kapas. Saur Isa, “Buka boehna, supaya
laluasa!”
45 Ti antara urang Yahudi anu daratang

ka Maryam, sanggeus narenjo eta


mujijat loba anu tuluy percaya ka Isa.
46 Tapi eta padamelan Anjeunna teh,

aya anu ngalaporkeun ka urang Parisi.


47 Geus kitu, imam-imam kapala jeung

urang Parisi ngumpulkeun anggota-


anggota Mahkamah Agama. Aromongna,
“Kumaha sikep urang ka eta Jelema!
Geus loba nyieunna mujijat.
48 Upama terus diantep, rayat kabeh

tangtu palercaya ka Manehna. Ahirna,


ieu tanah Suci direbut ku urang Rum
sarta bangsa urang teh tangtu tamat
riwayatna.”
49 Pok, Kayapas, — Panghulu Agung

dina taun eta — sasauran, “Aranjeun


tangtu acan tarerang
YOHANES 11.50–56 76
50 sarta acan sadar yen pikeun aranjeun
leuwih hade jelema ieu anu hiji paeh
gaganti bangsa ti batan bangsa urang
tumpur pisan.”
51 Ieu ucapanana, saenyana, lain buah

pikiranana ku anjeun. Tapi anjeunna


anu jeneng Panghulu Agung taun
eta, ucapanna nya geus ngajadi hiji
nubuwatan pikeun ngagambarkeun yen
Isa kudu dipaehan gaganti bangsa;
52 malah lain guna eta bangsa wungkul,

tapi oge baris ngumpulkeun sarta


ngahijikeun deui sakumna putra-putra
Allah anu geus pabalencar.
53 Ti semet poe eta aranjeunna

samupakat baris maehan Isa.


54 Ku sabab eta, Isa tara nembongan

deui di hareupeun umum bangsa Yahudi.


Anjeunna angkat ti dinya ka Epraim,
hiji kota anu pernahna deukeut sagara
kikisik sarta teras nganjrek heula di
dinya sareng murid-murid-Na.
55 Harita teh, geus tereh ka hari

raya Paska; jelema-jelema loba anu


dararatang ka Yerusalem, rek beberesih
diri samemeh Paska.
56 Di jero Bait Allah, maranehna

nareangan Isa bari silih tanya, “Kumaha


YOHANES 11.57–12.6 77
kira-kirana Manehna bakal datang kana
pesta?”
57 Sajeroning kitu imam-imam kapala

jeung urang Parisi geus ngaluarkeun


parentah, sing saha anu nyaho Isa aya
di mana kudu buru-buru lapor, supaya
Anjeunna buru-buru ditangkep.
1 Pigenep poeeun deui kana

12 pesta Paska, Isa angkat deui ka


Betania, urut Anjeunna ngahirupkeun
deui Lasarus tea.
2 Di dinya Anjeunna aya anu ngondang

tuang. Tuangna bareng jeung Lasarus,


dilaladenan ku Marta.
3 Ari Maryam ngaluarkeun minyak

seungit satengah kati anu tulen tur


mahal hargana, tuluy dibalurkeun kana
sampean Isa. Saenggeusna, disusutan
ku buukna. Seungitna nyambuang
saimah-imah.
4 Pok, Yudas Iskariot, murid anu boga

niat ngahianat ka Isa ngomong,


5 “Minyak anu kitu mah payu kana tilu

ratus dinar, mun heug dijual, ladangna


bisa disidekahkeun ka pakir miskin.”
6 Ngomong kitu soteh, lain ku tina

karunyaeun ka nu mariskin; ngan nya


kitu, manehna teh tukang malingan
YOHANES 12.7–13 78
duit sumbangan anu disimpenna
dipercayakeun ka manehna.
7 Saur Isa, “Ulah diopenan, keun bae

sakarepna. Eta teh aya patalina jeung


poean Kami dimakamkeun.
8 Anu mariskin mah, salawasna oge aya

di maraneh; ari Kami mah, moal salilana


babarengan teh.”
9 Urang Yahudi loba anu nyarahoeun,

yen Isa aya di dinya; tuluy maranehna


dararatang ka dinya. Sajaba ti seja
maranggihan Anjeunna, maranehna teh,
harayangeun nenjo Lasarus ongkoh anu
geus dihirupkeun deui tea.
10 Akibatna, Lasarus oge diarah ku

imam-imam kapala rek dipaehan,


11 ku sabab geus jadi lantaran

loba urang Yahudi anu narukangan


ninggalkeun aranjeunna, malik jadi
palercaya ka Isa.
12 Poe isukna, barang anu keur

pararesta nyarahoeun yen Isa geus di


jalan rek sumping ka Yerusalem,
13 maranehna seug ngaralaan palapah

korma; terus budal marapagkeun bari


salusurakan, pokna, “Hosana! Wilujeng
Raja Israil, anu sumping kalayan asma
Pangeran!”
YOHANES 12.14–21 79
14 Isa nunggang kalde ngora keneh,
panggih di perjalanan; ku kituna
tinekanan ungel kitab anu kieu:
15 “Ulah sieun Putri Sion! Tuh raja

maneh sumping, nitihan anak kalde!”


16 Tadina mah, ieu ayat ku murid-murid

teu kahalartieun. Ayeuna, sanggeus Isa


dipapag sarta dihormat-hormat ku jalma
rea, kakara kahalartieun yen eta ayat
teh ngeunaan Anjeunna.
17 Hal Anjeunna nyaur Lasarus nepi ka

hirup deui kaluar tina makamna, geus


kauar-aer diutarakeun ku jalma-jalma
anu nyaraksian kajadianana.
18 Pangna jalma rea mapagkeun

Anjeunna teh, nya lantaran ngadarenge


eta mujijat tea.
19 Harita, urang Parisi mah anggur

tinggelendeng pada batur, pokna, “Kitu


puguh oge! Paniatan urang teu laju-laju.
Tuh geuning, mani sadunya marilu biluk
kabeh ka Manehna!”
20 Dina pesta Paska teh, aya sawatara

urang Yunani anu milu ngalakonan


ibadah.
21 Maranehna nyampeurkeun ka Pilipus,

urang Betsaida, di Galilea. “Juragan,”


YOHANES 12.22–27 80
pokna ka Pilipus, “abdi-abdi teh hoyong
tepang sareng Isa.”
22 Pilipus bebeja heula ka Andreas;

geus kitu, duanana mihatur ka Isa.


23 Isa nyarios, saur-Na, “Ayeuna, Putra

Manusa teh geus waktuna dimulyakeun.


24 Rek diterangkeun ku Kami, yen

upama binih henteu mebes kana taneuh


jeung henteu nyorang paeh heula;
lamun sasiki teh, tetep bae sasiki. Tapi
lamun eta binih, nyorang paeh heula
mah; tangtu bakal loba buahna.
25 Anu lebar kana nyawana, bakal

kaleungitan nyawa. Anu dina hirupna


iklas kana nyawana, eta teh geus
mulasara nyawa guna ngahontal hirup
langgeng.
26 Anu seja ngabdi ka Kami, kudu

nuturkeun Kami; di mana Kami aya,


manehna oge kudu aya di dinya. Anu
ngabdi ka Kami baris diajenan ku Rama.
27 Mangsa anu matak lewang kana

jiwa Kami, ayeuna geus datang. Na


kumaha Kami nya pipetaeun? Naha
kudu unjukan: Nun Ama, mugi abdi
diluputkeun, nyorang mangsa ieu!
Paralun teuing menta kitu! Sabab ieu
YOHANES 12.28–34 81
mangsa teh, wajib ku Kami disorang tur
eta pisan anu jadi tujuan Kami.
28 Nun, Ama, mugi jenengan Ama

dimulyakeun.” Sapada harita keneh, aya


soara ti langit, kieu, “Enggeus ku Kami
dimulyakeun jeung baris dimulyakeun
deui!”
29 Eta soara kadarengeeun oge ku jalma

rea teh. Ari cek maranehna mah, nu aya


didinya, eta teh sora guludug. Cek nu
sawarehna deui, “Malaikat sasauran ka
Anjeunna!”
30 Saur Isa, “Eta soara lain nyarita ka

Kami, tapi ka aranjeun.


31 Ayeuna mangsana ngamimitian

nerapkeun hukuman ka ieu dunya sarta


anu ngageugeuhna baris dipeclengkeun.
32 Ari Kami, di mana geus diangkat ti

bumi, baris narik sakabeh manusa sina


daratang ka Kami.”
33 Ucapana-Na kitu teh pikeun

ngagambarkeun petana maot nu ku


Anjeunna bakal kasorang.
34 Jalma rea malihatur, “Numutkeun

anu kakuping tina Toret, Al Masih teh


baris jumeneng salalanggengna. Tapi
naha saur Anjeun Putra Manusa teh
YOHANES 12.35–40 82
baris ‘diangkat’? Saha anu disebat Putra
Manusa teh?”
35 Waler Isa, “Anu jadi Caang teh, ayana

di maraneh ngan kari sakeudeung deui.


Geura lalumaku, meungpeung caang
keneh bisi kaburu poek. Geus poek mah,
lumaku teh tangtu utag-atog teu nyaho
di jalan.
36 Sing percaya ka Anu jadi Caang,

meungpeung caangna aya di maraneh,


supaya maraneh jaradi umatna Caang.”
Sanggeus nyarios kitu, Isa terus nyingkir
ti dinya.
37 Sakitu reana Isa nembongkeun

mujijat, tapi urang Yahudi weleh teu


daraek percaya ka Anjeunna.
38 Cocog pisan jeung kasauran Nabi

Yesaya, baheula, kieu: “Nun Pangeran,


saha anu daek percaya kana uaran
abdi? Sareng ka saha kawasa panangan
Jungjunan teh barisna ngabukti?”
39 Pantes atuh, teu daraek percaya oge,

sabab saur Nabi Yesaya keneh:


40 “Ku Anjeunna panon maranehna

disina lolong, sina baredegong


nareuaskeun hate, datang ka teu
arawas sanajan beunta, hatena henteu
YOHANES 12.41–47 83
daraek narima, seug tarobat, malar bisa
diwaluyakeun ku Kami.”
41 Kitu saur Nabi Yesaya, anu geus

ningal kamulyaan Al Masih, nepi ka bisa


nyarioskeun hal Anjeunna.
42 Tapi papadaning kitu, loba ti

golongan para pamingpin anu percaya ka


Anjeunna; ngan nya kitu, teu waranieun
bruk-brak sabab sarieuneun ditoker ku
urang Parisi.
43 Maranehna leuwih kataji ku

panghormat ti pada jalma ti batan ku


pangajen ti Allah.
44 Ti dinya Isa nyarios, saur-Na, “Anu

percaya ka Kami teh, dina hakekatna


mah lain percaya ka Kami, tapi ka Anu
ngutus Kami.
45 Anu awas nenjo ka Kami, tangtu

awas nenjo ka Anu ngutus Kami.


46 Kami — Anu jadi Caang — turun ka

dunya teh, supaya anu percaya ka Kami


ulah hirup di alam poek.
47 Sing saha anu ngadenge

omongan Kami, tapi henteu jeung


ngalampahkeunana, ku Kami moal rek
dihukum. Sabab pangna Kami datang
teh, lain seja ngahukum. Tapi sabalikna,
rek nyalametkeun pangeusi dunya.
YOHANES 12.48–13.3 84
48 Ari anu nolak ka Kami jeung embung
ngadenge kana omongan Kami, geus
aya anu baris ngahukumna. Nya ucap-
ucapan Kami anu baris ngahukumna,
engke, dina poe kiamat.
49 Sabab omongan anu dikedalkeun ku

Kami teh, lain ucapan Kami sorangan,


tapi pangandika Rama anu ngutus Kami.
Nya Anjeunna, anu nimbalan naon anu
kudu diucapkeun ku Kami sarta naon
anu kudu ditepikeun.
50 Tur Kami nyaho, yen wujudna

Pangandika Anjeunna teh, nya eta hirup


langgeng. Omongan anu kedal ti Kami
ge, kabeh teh, diucapkeunana nurutkeun
sakumaha timbalan Rama.”
1 Samemeh poe Paska dimimitian,

13 Isa geus ngaraos yen Anjeunna


tereh ngantunkeun alam dunya mulang
ka kersa Rama-Na. Manah-Na ngait
ka murid-murid-Na anu salawasna
dipikaasih nepi ka tutug tugas-Na.
2 Kacatur, dina waktu dahar peuting,

Iblis sumanding ka Yudas Iskariot bin


Simon, mere pokal pikeun ngahianat ka
Isa.
3 Isa ngaraos geus kapasrahan sagala

rupana ti Ramana sarta uninga Anjeunna


YOHANES 13.4–10 85
asal ti Allah sarta kudu mulang deui ka
Allah.
4 Tuluy Anjeunna ngadeg sarta muka

jubah-Na; top, kana kaen panyeka; rap,


dibeulitkeun kana angkeng-Na;
5 cur, nyicikeun cai kana baskom; terus

Anjeunna ngumbahan suku murid-


murid-Na sakalian diseka dituuskeun ku
kaen panyeka tea.
6 Barang nepi ka giliran Petrus,

manehna mihatur, “Jungjunan teh bade


ngumbah suku abdi?”
7 Isa ngawaler, “Moal kaharti ayeuna

mah ku maneh naon sababna Kami


migawe kieu, tapi engke ge kaharti.”
8 Petrus nempas, “Ulah Jungjunan,

paralun teuing Jungjunan dugi ka kedah


ngumbah suku abdi!” Waler Isa, “Teu
dikumbah ku Kami mah, maneh teh
moal meunang naon-naon ti Kami.”
9 Tembal Petrus, “Upami kitu, ulah

mung suku wungkul, neda sakalian bae


sareng leungeun katut sirah deuih.”
10 Waler Isa, “Nu geus mandi mah, teu

kudu beberesih deui iwal ti ngumbah


suku, tangtu beresih sakujur awak.
Maraneh memang geus bararesih,
hanjakal henteu kabeh.”
YOHANES 13.11–18 86
11 Pangna Anjeunna nyaurkeun henteu
kabeh bararesih teh lantaran geus
uninga saha anu boga niat ngahianat.
12 Anggeus ngumbahan suku, Anjeunna

dijubah deui terus calik dina urut-


Na tadi; pok, sasauran ka sarerea,
“Kahalarti maksud pagawean Kami bieu?
13 Maraneh ka Kami nyarebut Guru

jeung Jungjunan. Merenah pisan


nyarebut kitu teh. Enya, Kami teh Guru
maraneh jeung Jungjunan maraneh.
14 Kami, Guru jeung Jungjunan

maraneh, geus ngumbahan suku


maraneh. Ku kituna, maraneh oge wajib
silih kumbah suku pada batur.
15 Bieu Kami teh nyontoan, supaya

maraneh oge daraek ngalampahkeun


kitu, sakumaha conto ti Kami.
16 Sing kaharti, harkat badega moal

ngaleuwihan dunungan, harkat utusan


moal ngaleuwihan anu ngutusna.
17 Upama geus ngalalarti, pinasti

maraneh tinemu jeung bagja lantaran


milampah kitu.”
18 “Ieu omongan Kami teh, henteu

ditujukeun ka kabehan. Kami nyaho,


saha jelema-jelemana anu beunang
Kami milih. Ngan bae ungel Kitab teh
YOHANES 13.19–24 87
kudu tinekanan, nya eta: ‘Jalma anu
ngilu ngadahar roti Kami, geus noker ka
Kami.’
19 Memeh eta kajadian, ku Kami

dibejakeun ti ayeuna, supaya ana geus


kajadian maraneh percaya yen anu
ditoker teh Kami.
20 Cek Kami ka maraneh: Sing saha anu

ngaku ka utusan Kami, hakekatna mah


ngaku ka Kami. Sing saha anu ngaku
ka Kami, hakekatna mah ngaku ka Anu
ngutus ka Kami.”
21 Sanggeus nyarios kitu, Anjeunna

katarajang nalangsa kabina-bina; tuluy


pok, Anjeunna nyarios, “Kami rek terus
terang bae, yen ti antara maraneh aya
saurang anu boga niat nyilakakeun ka
Kami.”
22 Murid-murid silih pelong bari silih

taksir saha jelemana.


23 Aya hiji murid, nu diukna mani meh

padempet jeung Isa, ma'lum diasih


pisan.
24 Eta murid, ku Simon Petrus

diisarahan sina nanyakeun ka Anjeunna,


“Tanyakeun saha kituh jelemana!”
YOHANES 13.25–31 88
25 Pok, eta murid, mihatur ka Isa bari
ngalendean, “Saha tea jalmina teh,
Jungjunan?”
26 Waler-Na, “Nu ku Kami diasongan

roti beunang nyocolkeun kana pinggan;


tah eta, jelemana teh.” — bari top kana
roti, tuluy dicocolkeun kana pinggan —
Ari song teh, diasongkeunana, ka Yudas
bin Simon Iskariot.
27 Ku Yudas ditampanan, harita keneh

manehna kasandingan Iblis. Ku Isa terus


dijurung ku saur, “Heug geura pigawe
niat maneh teh!”
28 Anu keur dalahar, saurang ge, taya

nu ngarti pangna Isa nyarios kitu ka ki


Yudas.
29 Ngan ku sabab ki Yudas teh tukang

nyimpen duit, aya anu nyangka, yen


manehna dititah barang beuli keur
kaperluan pesta atawa dititah mere
sidekah ka anu miskin.
30 Ari ki Yudas, sanggeus nampanan

roti, terus ngajengkat; gejlig, manehna


indit teu nolih geus peuting.
31 Sanggeus Yudas indit, Isa nyarios,

“Ayeuna Anak Manusa teh geus waktuna


dimulyakeun, mancurkeun kamulyaan
Allah.
YOHANES 13.32–37 89
32 Upama Allah geus dimulyakeun ku
parantaraan Anak Manusa, Anak Manusa
oge, tanwande dimulyakeun ku Allah tur
moal diengkekeun deui.
33 Anaking, moal lila-lila deui Kami

bisa reureujeungan kieu teh; engke,


maraneh, tangtu bakal nareangan
Kami, tapi sakumaha anu ku Kami
geus diomongkeun ka urang Yahudi: Ka
tempat anu ku Kami dijugjug, pamohalan
maraneh bisa datang. Ka maraneh oge
kitu Kami ngomong teh.
34 Ayeuna, Kami rek mere patokan

anyar: Kudu silih pikanyaah pada batur.


Sing sakumaha Kami mikanyaah ka
maraneh, maraneh oge kudu silih
pikanyaah pada batur.
35 Sabab ku jalan silih pikanyaah teh,

tanwande tembong ka nu sejen, yen


maraneh murid Kami.”
36 Simon Petrus mihatur, “Dupi

Jungjunan bade ka mana?” Waler-Na,


“Ka hiji tempat, anu ku maneh moal bisa
katuturkeun. Sanajan kitu, ari engkena
mah, maneh bisa nuturkeun Kami.”
37 Tembal Petrus, “Naon margina abdi

moal tiasa nuturkeun Jungjunan ti


YOHANES 13.38–14.6 90
ayeuna keneh? Abdi sumeja iklas toh
pati demi salira Jungjunan!”
38 “Jadi, maneh teh rek bela pati ka

Kami?” Waler Isa. “Ieu dengekeun


omongan Kami: Memeh aya hayam
kongkorongok subuh, maneh geus tilu
kali mungkiran, ngangles ka Kami.”
1 “Maraneh teu kudu rentag hate.

14 Sing tigin iman ka Allah sarta sing


percaya ka Kami.
2 Di panglinggihan Ama Kami loba

tempat. Mun euweuh ge, maraneh ku


Kami tangtu dibejaan. Kami dek iang
teh pikeun nyadiakeun tempat keur
maraneh.
3 Lamun pitempateun maraneh di ditu

geus sadia, Kami tangtu datang deui


pikeun mapagkeun maraneh; maraneh
rek dibawa ka tempat Kami, supaya di
mana Kami aya, maraneh oge aya di
dinya.
4 Maraneh tangtu nyaraho tempatna,

nyaraho jalanna.”
5 Tomas nempas, “Tempatna teu acan

terang, bade terang jalanna kumaha?”


6 Waler Isa, “Kapan Kami anu jadi

jalanna, nu jadi kayaktian, jeung


sumbering hirup teh. Ku sabab eta,
YOHANES 14.7–11 91
lamun henteu make jalan Kami,
pamohalan aya anu bisa datang ka
Rama.
7 Upama maneh enya-enya nyaah ka

Kami, ka Rama oge tangtu wawuh. Malah


ayeuna ge, maraneh teh geus wawuh tur
geus pajonghok jeung Anjeunna.”
8 Pihatur Pilipus, “Jungjunan, sing

katingal bae Rama teh, supados abdi


henteu panasaran.”
9 Ku Isa diwaler, “Pilipus! Geus sakitu

lilana Kami sagulung-sagalang jeung


maneh, piraku maneh can tenget
keneh bae? Anu geus nyaho ka Kami,
hakekatna mah nyaho ka Rama. Ari
maneh keukeuh menta supaya Rama
katingal.
10 Na teu percaya, yen Kami teh

manunggal jeung Rama; kitu deui Rama,


Mantenna oge manunggal jeung Kami
teh. Ucapan-ucapan Kami lain omongan
Kami pribadi, tapi dawuhan Rama nu
manunggal di Kami.
11 Cek Kami bieu: Kami manunggal

jeung Rama; kitu deui Rama, Mantenna


oge manunggal jeung Kami teh. Maneh
percaya atawa henteu? Upama henteu
YOHANES 14.12–17 92
ge, sakurang-kurangna mah, sing
percaya kana pagawean Kami.
12 Sabab anu percaya ka Kami mah,

tangtu bakal ngalakonan pagawean


Kami, malah leuwih ti kitu ka hareup
mah; sabab Kami mah, rek mulang ka
nu jadi Rama.
13 Ku sabab eta, mun maraneh aya

panuhun ka Rama kalawan nyambat


ngaran Kami, tangtu dikabul, supaya nu
jadi Putra teh nyieun kamulyaan anu jadi
Rama.
14 Menta naon bae maraneh ka Kami,

lamun nyebut ngaran Kami, tangtu


ditedunan.”
15 “Lamun enya maraneh nyaah ka

Kami, tangtu narurut kana parentah


Kami.
16 Kami rek menta ka Ama, supaya

maraneh dibere pikeun pigantieun Kami,


hiji Pangaping anu baris ngalilipur sarta
ngaping maraneh sapapanjangna.
17 Eta Pangaping teh, nya eta Ruh

Kayaktian, anu ku dunya umumna mah


moal diaku lantaran teu warawuheun
jeung teu nyarahoeun. Maraneh mah
tangtu warawuh, tangtu diaping ku
YOHANES 14.18–23 93
Anjeunna anu baris ngancik sajeroning
hate.
18 Jadi, maraneh teh ku Kami moal

diantep nunggelis, nyorangan: Kami


tangtu datang deui.
19 Sakeudeung deui oge, ku nu

sejen-sejen mah, Kami teh moal ka


tembong-tembong deui. Tapi ari ku
maraneh mah, tetep katembong. Sabab
Kami teh, saenya-enyana, hirup; kitu
deui maraneh, tangtu harirup oge.
20 Geus dina waktuna mah, ku maraneh

bakal karasa, yen Kami manunggal


jeung Rama, maraneh manunggal jeung
Kami, sarta Kami ge manunggal jeung
maraneh teh.
21 Anu tigin sarta nurut kana pepeling-

pepeling Kami, tandaning nyaah ka


Kami. Tiap jalma anu nyaah ka Kami,
baris diasih ku Rama jeung ku Kami,
supaya sina enya-enya wawuheunana ka
Kami teh.”
22 Yudas (lain Yudas Iskariot) unjukan,

“Jungjunan, naon margina ngenalkeun


salira teh mung ka abdi-abdi bae, henteu
ka masarakat umumna?”
23 Waler Isa, “Upama aya anu nyaah ka

Kami, nurut kana pangajaran-pangajaran


YOHANES 14.24–28 94
Kami, tangtu diasih ku Rama. Mun aya
anu kitu, tangtu diteangna sarta Rama
jeung Kami bakal ngancik dina hatena.
24 Anu henteu nyaah ka Kami mah,

tangtu moal nurut kana pangajaran


Kami. Ieu teh lain cek Kami sorangan,
tapi dawuhan Rama, anu ngutus Kami
tea.
25 Tah ku Kami geus dibejakeun,

meungpeung Kami aya di maraneh


keneh.
26 Engke, anu geus diomongkeun

ku Kami teh baris diwurukkeun,


ditetelakeun ka maraneh ku Anjeunna,
nu baris ngaping maraneh tea, nya eta
Ruh Allah, anu baris diutus ku Rama
kalawan pamenta Kami.
27 Maraneh ku Kami baris ditinggalan

kakertaan: kakertaan Kami pribadi, anu


sipatna beda tina kakertaan jieunan
dunya. Jadi, maraneh henteu kudu
rentag hate, henteu kudu kaleleban.
28 Cek Kami ge tadi: Kami rek mulang,

tapi tangtu balik deui ka maraneh.


Lamun enya nyaraah ka Kami, anggur
kudu barungah Kami mulang ka Rama
teh; sabab Rama mah, langkung agung
batan Kami.
YOHANES 14.29–15.4 95
29 Memeh kajadian ku Kami dibejakeun
tiheula, supaya dina kajadianana iman
kapercayaan maraneh ka Kami ulah
robah.
30 Teu bisa lila-lila, Kami cacarita ka

maraneh teh; sabab roh anu ngageugeuh


ieu dunya, geus tatandang. Saenyana,
manehna mah, moal bisaeun nanaon ka
Kami teh.
31 Najan kitu, Kami kudu ngestokeun

pangersa Rama pikeun bukti ka dunya,


yen Kami nyaah ka Anjeunna. Hayu,
ayeuna mah urang arindit ti dieu.”
1 “Kami teh tangkal anggur anu

15 saestuna, ari Ama Kami teh anu


miarana.
2 Upama aya dahanna anu teu daek

buahan, ku Anjeunna ditilas, anu buahan


diurus sarta diberesihan, supaya buahna
leubeut.
3 Maraneh geus dibararesihan ku

pangandika-Na anu diwurukkeun ku


Kami.
4 Sing tetep manunggal jeung Kami

tangtu Kami tetep manunggal jeung


maraneh. Sabab sakumaha dahan,
mustahil buahan, lamun henteu ngahiji
keneh jeung tangkalna. Maraneh oge
YOHANES 15.5–10 96
moal beubeunangan naon-naon, lamun
henteu manunggal jeung Kami.
5 Kami teh tangkal anggurna; ari

maraneh, dahan-dahanna. Anu baris


aya beubeunanganana teh, nya eta anu
hirupna manunggal jeung Kami sarta
Kami ge, manunggal jeung manehna
teh.
6 Hirup pisah ti Kami lir dahan geus

beunang nilas, baris garing jadi suluh


keur durukeun.
7 Mun maraneh tetep rarumaket ka

Kami sarta arariman kana piwuruk Kami;


maraneh meunang barang penta naon
bae, tanwande ditedunan.
8 Tah ku lantaran hal eta, Ama Kami

dimulyakeun teh; nya supaya maraneh


teh, anu lir dahan-dahanna tea, jaba ti
leubeut ku buah; maraneh ge, bakal jadi
murid-murid Kami.”
9 “Kami teh nyaah ka maraneh, cara

Ama nyaah ka Kami. Muga hirup


maraneh sing tetep ngaub dina kanyaah
Kami.
10 Mun hayang dipikanyaah, sing nurut

kana parentah, cara Kami diasih ku Ama


lantaran ngestokeun kana timbalana-Na.
YOHANES 15.11–16 97
11 Disebutkeun soteh, supaya maraneh
milu ngarasakeun kabagjaan Kami,
malar kabagjaan maraneh cacap
sampurna.
12 Parentahna mah, nya eta: Sing

silih pikanyaah; cara Kami mikanyaah


maraneh!
13 Euweuh kanyaah anu ngungkulan

kanyaahna jalma anu iklas ngetohkeun


pati sajeroning ngabela anu jadi sobat.
14 Maraneh teh sobat Kami, asal iklas

ngalakonan parentah-parentah Kami.


15 Ku Kami, maraneh moal dianggap

badega; da badega mah, moal nyahoeun


kana pikarepeun dunungan. Tandana
dijieun sobat teh, kapan maraneh ku
Kami geus dibarere nyaho sakur anu ku
Ama didawuhkeun ka Kami.
16 Lain maraneh anu milih Kami, tapi

Kami anu geus milih maraneh. Lian


ti eta, maraneh oge, — sakumaha
dahan-dahan tea — ku Kami teh
geus ditangtukeun kudu bral arindit,
ngagelarkeun buah-buah sarta hasilna
teh sing datang ka awet langgeng;
supaya sagala panuhun maraneh ka
Anjeunna, kalawan mawa ngaran Kami,
bisa dikabul.
YOHANES 15.17–22 98
17 Tah kitu pameredih Kami: Sing silih
pikanyaah!”
18 “Upama maraneh dipikangewa ku

dunya, sing inget: Kami mah geus


dipikageuleuh ti heula.
19 Mun maraneh ti kalangan

dunya keneh mah, tangtu bae ku


maranehna diaraku, dipiheman. Tapi ku
lantaran maraneh mah ku Kami geus
dipilih, dicokot ti dinya, munasabah
dipikageuleuh oge.
20 Sing inget kana omongan Kami anu

kieu: Harkat badega, moal ngaleuwihan


harkat dunungan. Upama Kami ku
maranehna dikaniaya, maraneh oge
tangtu dikaniaya. Upama omongan Kami
ku maranehna didarenge, omongan
maraneh oge tangtu didarenge.
21 Tapi ku lantaran maraneh teh murid

Kami, geus tangtu kana dikaniayana


teh, ku eta anu teu warawuheun ka Anu
ngutus Kami.
22 Lamun tea mah maranehna ku Kami

teu didatangan, teu diwurukan, tangtu


moal matak dosa ka maranehna. Tapi ari
geus kitu mah buktina, kadorakaanana
hamo bisa diangles ku maranehna.
YOHANES 15.23–16.1 99
23 Jalma anu mikangewa ka Kami, eta
teh mikangewa ka Rama.
24 Lamun seug Kami acan kungsi

nembongkeun hal-hal anu hamo bisa


dipigawe ku anu lian-lianna, tangtu moal
matak jadi dosa ka dirina. Tapi da geus
kitu kajadianana, narenjo pagawean-
pagawean Kami teh maranehna anggur
ijid, boh ka Kami, boh ka Ama Kami.
25 Dasar kudu tinekanan ungel timbalan

anu aya dina Kitab Toretna, yen: ‘Tanpa


sabab, maranehna geus mikageuleuh ka
Kami.’
26 Tapi engke oge datang Pangaping,

Ruh Kayaktian tea, anu mencar ti


Ama Kami jeung anu baris diutus ku
Kami ka maraneh. Anjeunna anu bakal
netelakeun saha saenya-enyana Kami
teh.
27 Tapi maraneh oge kudu marere

panyaksen, netelakeun nu eces saha


saenyana Kami teh. Sabab maraneh,
geus hirup babarengan jeung Kami ti
awal mulana keneh.”
1 “Eta kabeh, ku Kami dicaritakeun

16 ka maraneh; supaya engkena,


maraneh ulah harandeueul ku lantaran
Kami, seug bae noker ka Kami.
YOHANES 16.2–8 100
2 Maraneh bakal dikucilkeun ti
masarakat, malah bakal aya mangsa:
Sing saha anu ngala pati maraneh, cek
pangrasana mah ngabdi ka Allah.
3 Kituna teh bawaning ku balilu, teu

wawuh ka Kami.
4 Maraneh dibarejaan soteh, supaya

dina kasorangna maraneh aringet, yen


hal eta teh ku Kami geus diomongkeun
ka maraneh tiheula. Henteu dibejakeun
ti bareto soteh, pedah Kami aya keneh
babarengan.
5 Ayeuna Kami geus tereh mulang ka

Anu ngutus; ari maraneh bet euweuh


anu panasaran nanyakeun Kami teh rek
ka mana.
6 Ku kituna mah, kaharti. Sabab

maraneh ngarasa kaletir, ku hal anu bieu


ku Kami disebutkeun tea.
7 Tapi masing percaya, Kami iang teh

hade temahna ka maraneh. Sabab lamun


Kami henteu iang, nu baris ngaping teh
moal sumping. Sabalikna, mun Kami
iang, nya Kami nu baris ngutus Anjeunna
ka maraneh.
8 Di mana Anjeunna geus sumping,

baris nginsafkeun umat dunya kana


YOHANES 16.9–15 101
dosa-dosana, kana kayaktian, jeung
kana kaadilan.
9 Sual dosa-dosana, nya eta: Maranehna

teu palercaya ka Kami,


10 sual kanyataan anu sabener-benerna,

nya eta: Bener, yen Kami mulang teh


ka Rama sarta moal tembong deui ka
maraneh.
11 Sual kaadilan, nya eta: roh anu

ngageugeuh, ngawasaan ieu dunya teh


geus meunang hukuman.
12 Loba keneh, anu perlu dicaritakeun

ka maraneh teh. Ngan nya kitu, ayeuna


mah maraneh moal kuat nyanggana.
13 Engke bae, ari Ruh Kayaktian tea

sumping, tangtu maraneh ku Anjeunna


ditungtun kana hal-hal anu saestuna.
Sabab Anjeunna, moal sasaur-saurna;
anu bakal disaurkeunana teh, kabeh
oge, sakur anu geus kadangueun
ku Anjeunna sarta ka maraneh baris
nuduhkeun hal-hal anu bakal kajadian.
14 Anjeunna baris ngamulyakeun ka

Kami, ku jalan nerangkeun ka maraneh


sakur nu ku Anjeunna geus katarima ti
Kami.
15 Sakur anu jadi kagungan Rama, jadi

milik Kami ongkoh. Eta sababna, cek


YOHANES 16.16–20 102
Kami bieu: Anjeunna bakal nerangkeun
sakur nu ku Anjeunna geus katarima ti
Kami.
16 Geus tereh kana waktuna, maraneh

moal papanggih deui jeung Kami; tapi


moal lila deui oge, tangtu patepung
deui.”
17 Murid-murid tingkucuwes pada batur,

“Naha kitu nyarios-Na? Ongkoh saur-Na


geus tereh waktuna maraneh moal
panggih deui jeung Kami, ongkoh moal
lila deui oge baris patepung deui. Jeung
saur-Na deuih: Kami rek mulang ka
Ama.
18 Naon maksudna ‘geus tereh’ teh? Asa

teu ngalalarti!”
19 Ku Isa kasurti, yen maranehna

harayangeun naranyakeun naon


pihartieunana. Ku sabab eta, Anjeunna
nyarios kieu, “Cek Kami, geus tereh
waktuna maraneh moal papanggih deui
jeung Kami, tapi moal lila deui oge
tangtu patepung deui. Eta anu jadi
pasualan pikeun maraneh teh, lain?
20 Hartina anu saenyana teh kieu:

Maraneh teh bakal pinuh ku kapaur


jeung dipuhit ku prihatin; sabalikna,
dunya umumna mah suka gumbira.
YOHANES 16.21–25 103
Moal henteu, maraneh teh bakal
nandangan sungkawa anu pohara. Tapi
eta kasungkawaan teh, pasti robah
ngajadi kabagjaan.
21 Awewe ari keur ngajuru, estu pinuh

ku rasa kanyeri; tapi ari orokna geus brol


mah, lat poho kana kanyerina; kasilih ku
bungah jeung bagja, ku medalna jabang
bayi ka alam dunya.
22 Kitu oge maraneh. Ayeuna loba

kasusah, engke mah hate maraneh teh


bungangang; suka bungah lantaran
papanggih deui jeung Kami.
23 Dina mangsa eta mah, maraneh

geus moal aya tanyakeuneun deui ka


Kami. Sing percaya: Naon bae panuhun
maraneh ka Ama, anu disuhunkeun
kalawan mawa ngaran Kami, tangtu
dikabul.
24 Nepi ka ayeuna maraneh acan

neneda kalawan mawa ngaran Kami. Pek


ayeuna mah neneda teh mawa ngaran
Kami, pasti ditedunan malar meunang
kabungahan anu taya papadana.
25 Nu enggeus-enggeus, Kami ngomong

ka maraneh teh sok make jalan siloka


bae. Engke mah, kaayaan Rama teh rek
YOHANES 16.26–32 104
ditetelakeun saterang-terangna, moal ku
jalan siloka deui.
26 Ka hareup mah, maraneh neneda

teh, tangtu kalawan nyambat ngaran


Kami. Jadi, Kami teu perlu jangji baris
mangnyuhunkeun ka Ama pikeun
maraneh.
27 Sabab Ama ku anjeun, nu mikanyaah

ka maraneh teh. Eta teh, ku lantaran


maraneh geus nyaraah sarta palercaya
ka Kami, yen Kami asal ti Allah.
28 Bener pisan Kami teh asal ti Rama,

datang ka dunya. Ayeuna Kami rek


ninggalkeun dunya, mulang deui ka
Ama.”
29 Pihatur murid-murid, “Ayeuna mah,

cariosan Jungjunan teh terang; tetela,


teu nganggo jalan siloka.
30 Leres, ayeuna mah, abdi-abdi terang

yen Jungjunan teh sarwa uninga, abdi-


abdi parantos teu gaduh kapanasaran
deui. Percanten ayeuna mah, yen
Jungjunan teh asal ti Allah.”
31 Waler Isa, “Percaya maraneh ayeuna

mah?
32 Saksian: Bakal datang mangsana,

malah geus der ti ayeuna keneh;


maraneh bakal dipaburencaykeun,
YOHANES 16.33–17.4 105
marulang ka tempat masing-masing, ari
Kami ditinggalkeun sorangan bae. Tapi
Kami, moal nyorangan sabab aya Ama
anu nyarengan.
33 Eta kabeh ku Kami dibejakeun,

supaya hate maraneh jongjon enggoning


anut ka Kami. Di dunya, maraneh
dikaniaya teh, tapi kuatkeun hate
maraneh sabab dunya teh, geus
ditundukkeun ku Kami.”
1 Sanggeus sasauran kitu, Isa

17 tanggah bari ngucap kieu, “Nun


Ama, ayeuna parantos dongkap kana
waktosna Putra Ama dijungjung deui
kana kamulyaan, supados matak mulya
ka Ama.
2 Sakumaha Ama anu parantos maparin

kawasa ka ieu Putra, nya eta kawasa ka


sakumna manusa pikeun masihan hirup
langgeng; nya ka sakur anu ku Ama
parantos diserenkeun ka Putra.
3 Eta hirup langgeng teh nya eta: Kenal

ka Ama, sajatining Allah Nu Tunggal


sareng ka Utusan Ama: Isa Al Masih.
4 Abdi parantos ngagungkeun Ama

di dunya, ku ngalampahkeun sugri


papancen numutkeun sapangersa dugi
ka tutugna.
YOHANES 17.5–10 106
5 Kitu nu mawi, nun Ama, eta
kamulyaan pasihan ti Ama nu aya di
pangkonan Ama, anu dipaparinkeun
ka Putra ti samemeh aya dunya, mugi
katampi deui ku Putra.
6 Kaayaan Ama ku abdi parantos

diwawuhkeun ka jalmi-jalmi di dunya


anu ku Ama diserenkeun ka abdi.
Maranehna teh kagungan Ama; anu
ku Ama diserenkeun ka Abdi, ayeuna
parantos sami-sami ngestokeun kana
timbalan Ama.
7 Maranehna oge parantos tarerangeun,

yen sagala rupi anu ku Abdi katampi ti


Ama teh saleresna Ama anu maparinna.
8 Maranehna tarerangeun teh,

jalaran sagala timbalan Ama ku


Abdi parantos didugikeun, ditarampi
sareng diarestokeun. Maranehna oge
tarerangeun, leres-leres, yen Abdi teh
asal ti Ama sareng palercayaeun yen
Abdi utusan Ama.
9 Paneda panyambat Abdi teh sanes

kanggo ieu dunya, nanging kanggo


maranehna, nya eta jalmi-jalmi anu ku
Ama dipasrahkeun ka Abdi tea.
10 Maranehna teh kagungan Ama, margi

sakur kagaduh Abdi tunggal kagungan


YOHANES 17.11–14 107
Ama keneh, kagungan Ama tunggal
kagaduh Abdi. Dupi Abdi parantos jadi
eusi hate maranehna.
11 Abdi di dunya mung kantun sakedap

deui, moal lami deui oge tangtos wangsul


ka pangkonan Ama, dupi maranehna
mah tetep-tetep bae di dunya. Nun Ama,
Anu Mahasuci, mugi maranehna, anu ku
Ama parantos diserenkeun ka Abdi teh
ku jenengan Ama diraksa, sadayana sina
dalit ngahiji sapertos Urang.
12 Sapanjang direujeungan ku Abdi

maranehna teh tetep dicangking dina


jenengan Ama anu dipercayakeun ka
Abdi, dijagi dijaring teu aya anu keuna
binasa, kajabi saurang anu jadi bibit
werejit akar mamala; da eta mah,
supados bukti ungeling Kitab Suci.
13 Dumeuheus ka Ama, ngunjukkeun

ieu panuhun teh, meungpeung Abdi


di dunya keneh; supados kasukaan
anu karaos ku Abdi, karaos oge ku
maranehanana kalayan sagemblengna.
14 Maranehna, ku Abdi parantos diwaris

pangandika Ama; nya parantos teu


kalebet deui bibit buit dunya, sami
sareng Simabdi. Kitu nu mawi ku dunya
oge parantos dipikaceuceub.
YOHANES 17.15–22 108
15 Dipangnyambatkeun soteh, sanes
supados dicandak ti dunya; nanging
supados diraksa ti si durjana;
16 margi maranehna teh parantos

henteu sabibit deui sareng dunya,


sakumaha Abdi.
17 Ku karana kayaktian, mugi

maranehna dijadikeun milik Ama. Dupi


kayaktian teh nya Pangandika Ama.
18 Sakumaha Abdi, ku Ama parantos

diutus ka dunya; maranehna oge, ku


Abdi diutus ka dinya.
19 Abdi parantos ngorbankeun hirup

pribadi keur maranehna, supados


maranehna jadi milik Ama ku karana
kayaktian.
20 Sajabi ti maranehna, Abdi oge

mangnedakeun jalmi-jalmi anu


palercaya ka Abdi lantaran uar pangajak
maranehna;
21 supados sadayana jadi sahiji.

Sakumaha Ama manunggal di diri Abdi


sareng Abdi manunggal di salira Ama,
mugi-mugi maranehna oge manunggal
di Urang, supados dunya percaya yen
nya Ama anu ngutus Abdi teh.
22 Maranehna ku Abdi parantos diganjar

ku kamulyaan pamasihan Ama ka Abdi


YOHANES 17.23–26 109
tea, sina dalit ngahiji sapertos Urang oge
dalit ngahiji:
23 Abdi manunggal jeung maranehna,

Ama manunggal sareng Abdi, dugi ka


kum sadayana anu percaya aya dina
sampurnaning katunggalan, supados ku
dunya katembong, yen Ama ngutus Abdi
ka dunya teh kajurung ku welas asih
ka maranehna, sapertos Ama miasih ka
Abdi.
24 Nun Ama, sugri anu ku Ama parantos

diserenkeun ka Abdi teh panuhun


mah sing diparengkeun tiasa riung
mungpulung sareng Abdi di tempat
Abdi ngancik; sina eta jalmi-jalmi teh
tarerangeun kana kamulyaan Abdi, nu
dipasihkeunana ka Abdi ti samemeh
dunya gumelar, bawaning Ama asih ka
Abdi.
25 Nun Ama nu Mahaadil, sanaos dunya

teu wawuh ka Ama, nanging ku margi


Abdi mah wawuh, jalmi-jalmi teh ahirna
tarerangeun yen anu ngutus ka Abdi teh
nya Ama.
26 Salira Ama ku Abdi diwawuhkeun

ka maranehna, sarta baris teras


dimashurkeun, supados kaasih Ama ka
Abdi minuhan ati sanubari maranehna;
YOHANES 18.1–5 110
kitu deui Abdi, ngancik dina jiwa
maranehna oge.”
1 Tamat sasaurana-Na, Isa

18 jeung murid-murid-Na arangkat


ngajugjug ka hiji tempat di peuntaseun
lebak Cikidron, terus arasup ka hiji
taman.
2 Yudas Iskariot, anu rek ngahianat

tea, oge nyahoeun tempatna; sabab


manehna ge, ku Isa teh sering dibawa
ka dinya jeung murid-murid sejenna.
3 Atuh teu kungsi lila, manehna

ge nyusul — geus meunang idin ti


imam-imam kapala jeung urang-urang
Parisi — mawa pasukan serdadu jeung
pangawal-pangawal Bait Allah, saged
sapakarangna bari marawa lantera jeung
obor.
4 Isa anu ti anggalna keneh geus uninga

kana bahaya anu ngancam salira-Na,


terus maju nembongkeun anjeun bari
mariksa, “Nareangan saha aranjeun
teh?”
5 Dijarawab, “Isa urang Nasaret!” Saur

Isa, “Ongkoh ieu Kami!” Ari ki Yudas anu


hianat, harita aya di dinya bareng jeung
nu sejen.
YOHANES 18.6–12 111
6 Barang saur Isa “Ongkoh ieu
Kami,” reok kabeh alundur nepi ka ti
jararengkang.
7 Isa mariksa deui, “Nareangan

saha?” Dijarawab cara tadi, “Isa, urang


Nasaret!”
8 Waler Isa, “Ongkoh cek Kami oge,

ieu Kami teh. Upama enya Kami anu


ditareangan teh, sok atuh geura tangkep,
tapi anu sejenna ulah diganggu.”
9 (Ieu teh pikeun ngabuktikeun

kasaurana-Na anu kieu tea, “Maranehna,


anu ku Ama parantos diserenkeun ka
Abdi, saurang oge moal diantep sina
cilaka.”)
10 Ari Simon Petrus anu nyoren gobang,

serepet nyabut gobangna, keplas


dikadekkeun ka bujangna Imam Agung,
anu ngaranna Malkus: Keuna kana
ceulina nepi ka rampung.
11 Tapi saur Isa ka Petrus, “Asupkeun

deui pedang maneh teh kana


sarangkana! Sabab geus jadi kawajiban
Kami nguyup eusi lumur anu disodorkeun
ku Ama Kami teh, lain?”
12 Kerewek, Isa ditangkep ku

serdadu-serdadu kalawan dipingpin


ku komandanna jeung kokolot-kokolot
YOHANES 18.13–18 112
bangsa Yahudi; Anjeunna ditangkep
sarta dibarogod panangana-Na.
13 Mimitina, Isa dibarawa ka Anas,

mertuana Kayapas, anu taun harita


jeneng Imam Agung.
14 Kungsi Kayapas teh mere timbangan

kieu, “Mending paeh jalma hiji keur


kapentingan jalma rea.”
15 Waktu Isa dibawa, Simon Petrus

nuturkeun, duaan jeung murid saurang


deui. Ari eta baturna, anu saurang deui
tea, wawuheun ka Imam Agung. Jadi
waktu Isa dibawa asup ka gedong Imam
teh, manehna mah terus bae milu asup;
16 ari Petrus mah, ninggalkeun maneh

di luar. Teu lila, murid anu asup tadi teh,


kaluar deui; tuluy cacarita jeung hiji
awewe purah ngajaga panto. Geus kitu,
Petrus, ku manehna dibawa asup.
17 Tapi ku awewe nu ngajaga panto

tea, Petrus ditanya, “Ari maneh teh lain


murid Isa keneh?” Jawab Petrus, “Lain!”
18 Harita, hawa kacida tirisna,

pangawal-pangawal jeung bujang-


bujang marirun seuneu, tuluy saliduru;
Petrus oge milu siduru.
YOHANES 18.19–24 113
19 Isa dipariksa ku Imam Agung tina
perkara murid-murid-Na jeung perkara
pangajarana-Na.
20 Ku Isa diwaler, “Simkuring unggal

nyarita di hareupeun jalma rea teh


salamina oge satarabasna, boh di
tempat-tempat ibadah, boh di Bait Allah
tempat kumpulan urang Yahudi, tara
dipandang-dipinding.
21 Naha nganggo mariksakeun

deui? Ari palay uninga mah, sae


pariksakeun bae ka sugri anu kungsi
ngabarandungan caritaan Simkuring,
tangtos tarerangeun.”
22 Tutas sasauran kitu, jebot, Anjeunna

dicabok ku pangawal anu ngajaga


pangdeukeutna ka Anjeunna. Cek eta
pangawal, “Ka Imam Agung maneh wani
ngajawab sarupa kitu!”
23 Saur Isa, “Naon salahna ucapan

Kami, coba sebutkeun! Sabalikna,


upama ucapan Kami bener, naon perluna
maneh nyabok?”
24 Geus kitu, Anjeunna ku Anas

dikirim ka Kayapas Imam Agung; ari


panangana-Na tetep dibarogod.
YOHANES 18.25–31 114
25 Ari Simon Petrus keur siduru keneh.
Ku nu saliduru ditanya, “Ari maneh teh
lain murid-Na?”
26 Petrus mungkir, pokna, “Lain!”

Pok, deui hiji bujang Imam Agung, —


barayana ki Malkus anu dikadek ceulina
tea — ngomong, “Lain maneh teh anu
ku kuring katembong bareng jeung Isa
di taman tea?”
27 Sakali deui, Petrus ngangles.

Harita keneh, kadenge sora hayam


kongkorongok.
28 Barang bray, beurang; Isa dibawa

ka gedong Pangadilan Pilatus, tapi anu


marawa-Na, arembungeun asup. Sabab
sarieuneun kanajisan, bisi batal sarta
henteu bisa milu kana riungan ‘dahar
Paska.’
29 Ku sabab eta, Pilatus ka luar

nepungan maranehna. Tuluy anjeunna


mariksa, “Naon perkarana ieu Jelema
teh?”
30 Jawab maranehna, “Upami sanes

Jalma jahat, piraku dibantun ka dieu!”


31 Saur Pilatus, “Hukum bae ku

sorangan, sakumaha hadena cek Toret


maraneh.” Tembal urang Yahudi, “Bangsa
simkuring teu wenang ngahukum pati.”
YOHANES 18.32–37 115
32 Lebah dieu baris bukti pilahir Isa basa
Anjeunna ngagambarkeun cara-caraning
pipupuseuna-Na.
33 Pilatus lebet deui ka rohangan

pangadilan; Isa disaur, tuluy dipariksa,


“Maneh teh raja urang Yahudi?”
34 Waler Isa, “Mariksakeun kitu teh,

naha kajurung ku gerentesing manah ku


anjeun atanapi ku margi mendak wartos
ti anu sanes?”
35 Waler Pilatus, “Na kami teh bangsa

Yahudi kitu? Maneh diserenkeun ka kami


teh, ku bangsa Maneh sorangan jeung
ku imam-imam kapalana. Nyieun dosa
naon Maneh teh?”
36 “Karajaan Simkuring sanes di dunya

ayana. Upama karajaan Simkuring di


dunya mah, balad Simkuring tangtu
bebela, supaya Simkuring ulah nepi
ka beunang ku urang Yahudi. Sanes,
karajaan Simkuring sanes di dunya ieu.”
37 Saur Pilatus, “Jadi, bener Anjeun teh

raja?” Waler Isa, “Tah geuning disebat.


Memang Simkuring Raja. Simkuring
dijurukeun, lahir ka alam dunya, seja
ngabuktikeun naon kayaktian teh.
Jalmi-jalmi anu sayaktina mah, tangtu
YOHANES 18.38–19.4 116
apal kana sora Simkuring.” Saur Pilatus,
“Naon ari kayaktian teh?”
38 Sanggeus sasauran, Pilatus ka

luar deui mendakan urang Yahudi,


tuluy nyarios, “Eta sakitan teh euweuh
dosa-Na.
39 Ayeuna kieu: Ngingetkeun yen

dina unggal-unggal hari raya Paska


maraneh geus biasa menta supaya kami
ngabebaskeun salah saurang hukuman,
kumaha upama eta Jelema dibebaskeun
ayeuna?”
40 Urang Yahudi raong tingcorowok,

“Ulah! Barabas bae leupaskeun!” Ari


Barabas teh jelema jahat.
1 Pilatus marentahkeun supaya

19 Isa dirangket.
2 Ari serdadu-serdadu, nyieun makuta

tina cucuk; seug dianggokeun kana


mastaka-Na bari diharuduman ku jubah
ungu.
3 Geus kitu, serdadu-serdadu teh

pura-pura ngahormat ka Anjeunna.


“Wilujeng, Raja urang Yahudi!” Pokna,
bari nyararabokan.
4 Pilatus ka luar deui, sasauran ka urang

Yahudi, “Tarenjo, jelema-Na ku kami


dibawa ka luar deui, supaya maraneh
YOHANES 19.5–10 117
nyaho yen ku kami teu kapanggih
dosa-Na.”
5 Bari Isa dijonghokkeun, — beunang

ngamakutaan ku cucuk jeung


diharuduman ku jubah ungu —
pok anjeunna ngalahir deui, “Pek,
tarenjo ieu jelema.”
6 Ger bae, imam-imam kapala jeung

wakil-wakil resmi bangsa Yahudi sejenna


raong, pokna, “Gantung, gantung dina
kayu salib!” Saur Pilatus, “Jung barawa,
gantung ku maraneh bae; sabab ku kami
mah, teu kapanggih dosa-Na.”
7 Urang Yahudi ngajarawab, “Cek

hukum bangsa simkuring mah, eta


Jelema teh, kudu dipaehan. Sabab
manehna, ngaku-ngaku Putra Allah!”
8 Ningali maranehna kitu, Pilatus beuki

seber bae,
9 tuluy lebet deui ka rohangan

pangadilan, mariksa deui ka Isa,


saur-na, “Ari Maneh ti mana nya asal?”
Tapi ku Isa henteu diwaler.
10 Saur Pilatus, “Maneh teh embung

ngajawab? Na teu nyaho yen kami


kawasa ngabebaskeun atawa ngahukum
gantung ka Maneh?”
YOHANES 19.11–15 118
11 Waler Isa, “Anjeun henteu kagungan
kawasa naon-naon ka Simkuring, kajabi
upami aya idin ti Nu linggih di sawarga.
Kitu nu mawi jalmi-jalmi anu nyerenkeun
Simkuring ka dieu, dosana leuwih gede
ti batan dosa anjeun.”
12 Pilatus saiasa-iasana milari tarekah,

supaya Isa bisa bebas. Tapi urang Yahudi


tingcorowok deui, “Upama eta Jelema
dibebaskeun, tetela anjeun teh ngalawan
ka Sang Prabu. Margi saha-saha anu
ngajenengkeun maneh jadi raja, eta teh
geus ngalawan ka Prabu.”
13 Sanggeus dijawab kitu, Pilatus

marentahkeun supaya Isa dibijilkeun;


ari anjeunna mah linggih dina bagian
rohangan pangadilan anu disebut
Litostrotos, basa Ibranina: Gabata,
hartina panggung batu.
14 Harita teh poe sasadiaan Paska,

kira-kira pukul dua welas beurang.


Pilatus ngalahir, “Tah ieu, Raja maraneh
teh!”
15 Urang Yahudi tinggorowok deui,

“Singkirkeun, singkirkeun!” Saur Pilatus,


“Jadi, ieu Raja maraneh teh ku kami
kudu digantung?” Imam-imam kapala
YOHANES 19.16–22 119
ngajarawab, “Simkuring teu gaduh deui
raja, iwal ti Prabu!”
16 Tungtungna, Pilatus nyerah; Isa

diserenkeun ka maranehna sina


digantung. Geus kitu, tuluy Isa dibawa
ku maranehna.
17 Isa digiring ka hiji tempat anu dina

basa Ibrani disebut Gulguta, — hartina:


tempat tangkorek — bari di sina manggul
kayu salib-Na ku anjeun.
18 Nya di dinya, Anjeunna digantung

teh, bareng jeung dua penjahat


nu digantung di kencaeun jeung
katuhueun-Na; ari Isa di tengah.
19 Dina pucuk salib, Pilatus nulis kieu:

Isa Urang Nasaret Raja Urang Yahudi.


20 Kabaca ku pirang-pirang urang

Yahudi, kawantu tempat eta teh deukeut


ka kota; ditulisna, dina basa Ibrani,
Laten, jeung Yunani.
21 Imam-imam kapala urang Yahudi

arunjukan ka Pilatus, pokna, “Kalimahna


saena mah ulah Isa Urang Nasaret Raja
Urang Yahudi, nanging: Kami Raja Urang
Yahudi.”
22 Waler Pilatus, “Naon nu geus ditulis

ku kami, eta tetep moal dirobah.”


YOHANES 19.23–28 120
23 Sanggeus digantung ku serdadu-
serdadu, anggoana-Na ku maranehna
dibagi jadi opat bagian, masing-masing
meunang sabagian. Barang jubah-Na rek
dibagi, horeng ngan mangrupa lawon
sagebar nu teu dikaput.
24 Cek serdadu-serdadu, “Ulah

dipotongan, urang lotrekeun bae ku


saha engke beunangna.” Lebah dieu
bukti pisan unina Kitab Suci anu kieu:
Papakean Kami dibagikeun, jubah
Kami dilotrekeun. Nya kitu pisan anu
dijalankeun ku serdadu-serdadu, harita
teh.
25 Deukeut salib-Na aya ibu-Na jeung

saderek ibu-Na, nya eta Maryam, bojona


Kleopas, jeung Maryam Magdalena.
26 Barang Anjeunna ningali, yen ibu-Na

jeung murid nu dipikaasih-Na aya di


dinya; Isa sasauran ka ibu-Na, saur-Na,
“Ibu, eta teh tuang putra!”
27 Ari ka eta murid saur-Na teh, “Eta

teh indung hidep!” Ti harita ibu-Na ku


eta murid dibawa ka imahna, diaku sarta
dirawatan.
28 Sanggeus kitu, Isa ngaraos yen

kiwari sagala rupana geus beres.


Anjeunna nyoara deui (luyu jeung anu
YOHANES 19.29–33 121
kaungel dina Kitab Suci) saur-Na, “Kami
halabhab!”
29 Di dinya, memang geus disadiakeun

anggur nu rasana haseum, sawadah.


Tuluy aya anu niirkeun sepon kana
gantar dianclomkeun ka dinya, seug
diantelkeun kana lambey-Na.
30 Sanggeus ngaraosan, Anjeunna

nyoara deui, saur-Na, “Geus cacap!”


Geus kitu, mastaka-Na ngulahek
lantaran Anjeunna geus masrahkeun
nyawa-Na.
31 Ku lantaran poe eta malem Paska,

hukuman-hukuman teh teu meunang


diingkeun dina kayu salib nepi ka poe
Sabat, isukna. Komo Sabat anu harita
mah, Sabat istimewa. Urang Yahudi
marenta idin ka Pilatus, nya eta pikeun
mingges-minggeskeun suku anu keur
digarantung tea, supaya mayit-mayitna
bisa gancang diturunkeun.
32 Prak bae, hukuman-hukuman teh, ku

serdadu-serdadu dipingges-pinggeskeun
sukuna. Mimiti anu saurang terus anu
saurang deui.
33 Barang giliran Isa, eta serdadu-

serdadu teu tulus minggeskeun


YOHANES 19.34–38 122
sampeana-Na lantaran geus tetela
pupus.
34 Tapi aya salah saurang serdadu, anu

bres bae numbak kana angkeng-Na. Cur,


harita keneh, bijilan getih jeung cai.
35 Eta kajadian teh geus ka tenjoeun

ku hiji jelema. Naon nu geus kasaksian


ku eta jelema teh, beunang dipercaya.
Manehna yakin, yen naon anu geus
kasaksian ku manehna teh enya-enya
kajadian. Ku sabab eta, urang oge bisa
percaya kana kateranganana.
36 Kaayaan Anjeunna anu kitu teh,

cocog pisan jeung anu geus kaungel


dina Kitab Suci, kieu: “Tulang Anjeunna,
sahiji oge, moal aya anu dipotongkeun.”
37 Aya deui, ayat Kitab Suci anu

ungelna, “Maranehna bakal neuteup ka


salira-Na, anu ku maranehna ditumbak
tea.”
38 Geus kitu, Yusup, urang Arimatea

(salah saurang murid Isa kalawan


susulumputan lantaran sieun ku urang
Yahudi), ngadeuheus ka Pilatus;
anjeunna menta idin pikeun nurunkeun
layon Isa. Sanggeus kawidian, layon-Na
teh diturunkeun.
YOHANES 19.39–20.2 123
39 Nikodemus oge, — anu bareto kungsi
ngadeuheus ka Isa peuting-peuting
tea — milu bari mawa minyak emur
anu dicampur jeung minyak candana
kira-kira lima puluh kilo lobana.
40 Layon-Na diturunkeun ku duaan,

tuluy dibungkus ku boeh jeung dibauran


rarampean sakumaha adat kabiasaan
urang Yahudi ari ngamakamkeun mayit.
41 Di dinya, deukeut tempat Isa disalib,

aya hiji taman; di dinya teh aya hiji


guha, — pikeun ngamakamkeun mayit
— anu can kungsi dipake.
42 Ku sabab harita teh pikeun urang

Yahudi mah poe panyadiaan Paska tea,


layon Isa teh di lebetkeun ka dinya bae.
1 Dina poe anu kahiji, — minggu

20 eta — rebun-rebun keneh,


Maryam Magdalena geus indit ka
pajaratan. Sadatangna, kasampak,
batu tutup pajaratan teh geus aya anu
mindahkeun.
2 Manehna balik deui, lumpat,

manggihan Simon Petrus jeung


murid nu dipikaasih ku Isa tea;
terus hariweusweus bebeja, pokna,
“Jungjunan teh aya nu maling, ti makam,
duka dibawa ka mana!”
YOHANES 20.3–11 124
3 Simon Petrus lumpat gagancangan
muru ka pajaratan,
4 duaan jeung anu saurang deui tea.

Manehna mah, lumpatna leuwih tarik


batan Petrus. Datangna ka makam oge,
pangheulana.
5 Sadatangna, terus nempo ka jero, tapi

ngan tembong boeh bae ngalumbruk


dina taneuh. Manehna teu terus asup.
6 Ari Simon Petrus mah, datang-datang

teh, terus bae asup beh kana boeh;


7 ari lawon bungkus mastaka-Na

kapanggih aya di tempat anu rada


anggang ti dinya, geus beunang nilepan.
8 Sup, murid anu saurang deui oge,

nuturkeun asup. Sanggeus sidik kana


kaayaan di dinya, kakara manehna
percaya kana maksud Kitab Suci anu
nyebutkeun: Anjeunna tangtu gugah
deui tina pupusna. Tadina mah, eusi
Kitab Suci teh weleh ku maranehna teu
kahalartieun.
9 (20:8)
10 Geus kitu duanana marulang deui ka

imahna.
11 Ari Maryam Magdalena mah,

ngajentul keneh bae deukeut pajaratan;


YOHANES 20.12–17 125
tuluy anjeunna tumpa-tempo ka jero,
bari ceurik.
12 Ana breh teh aya malaikat duaan,

panganggona sarwa bodas, keur caralik


dina urut layon Isa: Nu saurang palebah
mastaka; ari anu saurang deui, beh
tunjangeun.
13 Malaikat teh mariksa, “Ibu, ku naon

nangis?” Jawab Maryam, “Jungjunan


abdi aya nu maling, duka dibantun ka
mana!”
14 Geus kitu, manehna malik ngalieuk

ka luar; breh bae, nenjo Isa keur


ngadeg, tapi manehna teu nyangka yen
eta teh Isa.
15 Ku Isa dipariksa, “Ku naon ceurik?

Aya anu diteangan?” Samaruk Maryam,


eta teh tukang kebon di dinya; pok,
manehna ngajawab, “Bapa, manawi bapa
anu nyandakna, wartoskeun dicandak ka
mana? Ku abdi bade dibantun deui.”
16 Saur Isa, “Maryam!” Maryam

ngaranjug, terus ngucap ku basa Ibrani,


pokna, “Rabuni!”, hartina: Guru.
17 Saur Isa deui, “Kade, ulah waka

nyabak ka Kami sabab Kami acan


ngadeuheus ka Rama. Ayeuna mah,
tepungan bae dulur-dulur Kami,
YOHANES 20.18–22 126
bejakeun yen Kami ayeuna rek mulang
ka Rama anu jadi Rama maraneh oge:
Allah nu disembah ku Kami jeung Allah
nu disembah ku maraneh.”
18 Maryam Magdalena terus nepungan

murid-murid. “Kuring mah geus tepung


deui jeung Jungjunan!” Pokna, bari
nyaritakeun deui kasauran-kasauran
Anjeunna dina waktu tepung tea.
19 Poe eta keneh, wanci magribna,

murid-murid Isa karumpul di hiji imah;


pantona ditulakan lantaran sarieuneun
ku urang Yahudi.
20 Sabot kitu, breh bae, Isa geus ngadeg

di tengah-tengah maranehna. Anjeunna


uluksalam: “Assalamualaikum!”
Sanggeus ngucapkeun salam, Anjeunna
nembongkeun panangana-Na, tuluy
angkeng-Na oge. Murid-murid pohara
barungaheunana barisa tepung deui
jeung Jungjunanna teh.
21 Isa nyarios deui, “Mugia maraneh

salamet! Sakumaha Rama geus ngutus


ka Kami; Kami oge, ayeuna, rek ngutus
maraneh.”
22 Geus kitu, murid-murid teh ku

Anjeunna ditiup sarta tuluy nyarios,


“Geura tarampa ieu Ruh Allah.
YOHANES 20.23–27 127
23 Sing saha anu dosana ku maraneh
dihampura, geus tangtu bakal
dihampura; tapi sabalikna, upama ceuk
maraneh eta jelema teh dosa, tangtu
tetep dosana teh.”
24 Ari Tomas, — salah saurang murid ti

nu dua belas, anu katelah Didimus —


waktu Isa sumping teh, manehna mah
teu milu kumpul di dinya.
25 Barang dibejaan ku babaturanana

“Urang mah geus patepung deui jeung


Jungjunan.” Manehna ngajawab, “Mun
can sidik, nenjo sorangan, panangana-
Na anu bolong tapak paku jeung acan
nyolokkeun curuk kana angkeng-Na,
kuring mah moal rek ngandel.”
26 Heuleut dalapan poe ti harita,

murid-murid teh karumpul deui di imah


anu geus kacaritakeun tea; Tomas
oge, harita mah, aya. Panto kabeh
ditarulakan, tapi ari breh teh Isa geus
aya di tengah-tengah maranehna bari
uluksalam: “Assalamualaikum!”
27 Tuluy sasauran ka Tomas, “Ilikan

yeuh leungeun Kami. Colokkeun curuk


maneh. Rampa ku leungeun maneh ieu
palebah cangkeng Kami. Maneh sing
percaya, ulah terus cangcaya.”
YOHANES 20.28–21.3 128
28 Cek Tomas, “Duh Gusti Jungjunan
simabdi sarta Allah panutan simabdi!”
29 Waler Isa, “Ayeuna maneh percaya

lantaran geus pajonghok jeung Kami.


Bagja, sakur anu percaya ka Kami,
sanajan teu pajonghok.”
30 Loba keneh tanda-tanda anu

dipintonkeun ku Isa sarta nu kasaksian


ku murid-murid-Na, tapi henteu dimuat
dina ieu Kitab.
31 Sanajan kitu, sagala rupa anu geus

dimuat di dieu, kabeh geus dicatet,


supaya aranjeun palercaya yen Isa
teh Al Masih, Putra Allah. Upama
aranjeun percaya ka Anjeunna, tinangtu
hirup aranjeun teh aya dina nugrahing
jenengana-Na.
1 Sakali deui, Isa nembongan

21 ka murid-murid-Na di basisir
Tiberias. Kieu kajadianana teh:
2 Harita, di eta basisir teh aya Simon,

Tomas anu katelah Didimus, Natanael


urang Kana Galilea, anak-anak Sebedeus
jeung dua urang murid sejenna.
3 Cek Simon Petrus, “Urang mah rek

ngala lauk.” Ditempas ku batur-baturna,


“Urang oge arek, hayu urang bareng!”
Clak, sarerea, unggah kana parahu.
YOHANES 21.4–9 129
Balangsiarna sapeuting jeput, tapi luput
teu beubeunangan pisan.
4 Ari geus bray, beurang; Isa ngadeg di

basisir, tapi maranehna paranglingeun;


samarukna, lain Anjeunna.
5 Anjeunna ngagentraan, “Barudak,

geus beubeunangan?” Dijarawab, “Nu


mawi, teu acan!”
6 Anjeunna ngagentra deui, “Coba

rungkupkeun heurapna ka katuhueun


parahu, tangtu aya nu beunang.” Pruk,
heurap dirungkupkeun; barang dipulut
meh-meh teu kabawa, ku loba-lobana
lauk nu beunang.
7 Murid anu dipikaasih ku Isa tea,

ngomong ka Petrus, “Euleuh, geuning


Jungjunan eta teh!” Dibejaan yen eta
teh Jungjunan; rap bae, Petrus dibaju
lantaran keur bubulucunan tea; geus
kitu, manehna teh, brus ka cai, tuluy
ngojay.
8 Nu sejenna naluturkeun dina parahu,

— anu ngan kari kira-kira kurang ti


saratus meter deui ti darat — bari
ngagusur heurap anu pinuh ku lauk.
9 Di darat, kasampak aya pirunan ruhay

keur dipake manggang lauk jeung roti.


YOHANES 21.10–16 130
10 Saur Isa, “Cik lauk beunang bieu teh
ka dieukeun sababaraha siki mah.”
11 Heurapna terus dipulut ku Petrus,

laukna diitung, aya saratus lima puluh


tilu siki. Beubeunangan sakitu lobana
teh, heurapna henteu nepi ka bedah.
12 Saur Isa, “Hayu urang sasarap.”

Murid-murid henteu aya anu wani


nyasaha ka Anjeunna, sugan nanya,
“Saha tea Anjeun teh?” Ongkoh geus
nyarahoeun yen Anjeunna teh Isa.
13 Isa ngarongkong nyandak roti jeung

panggang lauk, tuluy disodorkeun ka


murid-murid.
14 Harita teh, anu katilu kalina,

Anjeunna nembongan ka murid-murid-


Na sanggeus gugah tina pupus-Na.
15 Rengse salasarapan, Isa mariksa

ka Simon Petrus, “Simon bin Yonas,


bener maneh nyaah ka Kami leuwih ti
nu sejen?” Jawab Petrus, “Sumuhun
Jungjunan, Jungjunan nu langkung
uninga yen abdi nyaah ka Salira?”
16 Saur Isa, “Panguruskeun anak-

anak domba Kami.” Geus kitu, kadua


kalina mariksa ka Petrus, “Simon bin
Yonas, bener maneh nyaah ka Kami?”
“Sumuhun Jungjunan,” jawab Petrus,
YOHANES 21.17–19 131
“Jungjunan nu langkung uninga yen
abdi nyaah ka Jungjunan.” Saur Isa,
“Panguruskeun domba-domba Kami.”
17 Katilu kalina Isa mariksa deui,

“Simon bin Yonas, bener maneh nyaah


ka Kami?” Dipariksa nyaah henteuna
nepi ka tilu kali kitu teh, Simon jadi
pohara nalangsana sarta pok, ngajawab
deui, “Duh Jungjunan, anu uninga
kana sagala perkawis, Jungjunan anu
langkung uninga kumaha kanyaah abdi
ka Jungjunan.” Saur Isa, “Panguruskeun
kabeh domba-domba Kami.
18 Cek Kami ayeuna, kieu: Maneh

keur ngora mah bisa indit-inditan ka


mana bae, dangdan ku sorangan. Geus
kakolotnakeun mah dangdan oge ku
batur, leungeun digusur ku nu sejen.
Indit teu bisa sakahayang, kari kumaha
cek nu mawa.”
19 Kasauran Anjeunna kitu teh,

ngagambarkeun baris kumaha Petrus


nekanan ajalna enggoning babakti
ngamulyakeun ka Gusti Allah. Sanggeus
sasauran kitu, Simon ku Anjeunna
dipiwarang ngiring, saur-Na, “Hayu,
tuturkeun Kami!”
YOHANES 21.20–25 132
20 Barang Petrus ngalieuk ka tukang,
katenjo yen dituturkeun ku murid nu
dipikaasih ku Isa, nya eta murid anu
dina peutingan riungan tuang, diukna
ngalendean ka Isa sarta naroskeun ka
Anjeunna saha-sahana nu niat hianat ka
Anjeunna.
21 Ku Petrus ditaroskeun ka Isa,

“Jungjunan, dupi murid anu itu kumaha


engkena?”
22 Waler Isa, “Upama manehna ku Kami

diparengkeun hirup keneh nepi ka Kami


datang, eta lain urusan maneh. Maneh
mah tuturkeun bae Kami.”
23 Geus kitu, di kalangan panganut-

panganut Isa, jadi rame yen eta murid


anu saurang moal maot-maot. Padahal,
Isa mah henteu nyaurkeun yen manehna
moal maot. Nyaurkeun soteh, “Upama
manehna ku Kami diparengkeun hirup
keneh nepi ka mangsana Kami datang,
eta lain urusan maneh.”
24 Nya murid eta pisan anu geus mere

panyaksen sarta geus nyatetkeun sakur


anu geus kajadian. Urang oge yakin, yen
panyaksenna teh beunang dipercaya.
25 Loba keneh perkara-perkara sejenna

anu dipidamel ku Isa teh. Upama


YOHANES 21.25 133
sakabeh kajadian dicatet kalawan taliti
sarta dibukukeun, kawasna mah dunya
teh moal pimahieun keur nyimpenna.
Kisah Para Rasul
1 Saderek Teopilus. Dina buku
1 nu kahiji, simkuring parantos
ngadadarkeun padamelan sareng
pangajaran-pangajaran Isa, ti kawitna
dongkap ka dintenna mi'rad-Na.
2 Samemeh mi'rad, ku kawasana Ruh

Allah, Anjeunna maparin parentah-


parentah ka rasul-rasul anu geus dipilih
ku Anjeunna.
3 Satutasna tina sangsara tea, Isa teh

kantos ku rupi-rupi jalan ngayakinkeun


ka murid-murid-Na yen Anjeunna
leres-leres hirup. Dina salebet opat
puluh dinten, Anjeunna sababaraha kali
nembongan ka murid-murid-Na bari
nyarioskeun hal Karajaan anu diparentah
ku Allah.
4 Dina hiji dinten, waktos tuang

ngariung, Anjeunna amanat supaya


rasul-rasul ulah waka incah ti Yerusalem;
kedah tetep-tetep heula di dinya,
ngantos-ngantos jangji Rama. Saur-Na,
“Sakumaha anu geus dicaritakeun tea
ku Kami.
KISAH PARA RASUL 1.5–11 2
5 AriYahya ngabaptis teh ku cai, tapi
maraneh mah sakeudeung deui oge
bakal dibaptis ku Ruh Allah.”
6 Pok nu karumpul teh tumaros

ka Anjeunna, “Gusti Jungjunan


simabdi, manawi ayeuna Anjeun bade
ngadegkeun deui karajaan Israil teh?”
7 Waler-Na, “Mangsa jeung waktuna

mah geus ditetepkeun pangersa Rama


ku anjeun, maraneh teu kudu nyaho.
8 Ngan di mana Ruh Allah tea geus

lungsur nyarengan, maraneh bakal


meunang kawasa sarta jaradi saksi-saksi
Kami di Yerusalem, di sakuliah Yudea,
jeung Samaria, tug nepi ka tungtung
bumi.”
9 Sanggeus sasauran kitu, seug

Anjeunna diangkat ka sawarga,


kasaksian ku murid-murid-Na; geus kitu,
reup bae, mega mindingan salira-Na.
10 Sabot keur nareuteup langit

ngawaskeun Anjeunna mi'rad. Ujug-


ujug, jleg, aya anu nangtung duaan
— anggoanna barodas — deukeut
murid-murid.
11 Aranjeunna, sasauran kieu, “He,

urang Galilea! Ku naon nareuteup bae


ka langit? Isa, anu bieu dicandak ka
KISAH PARA RASUL 1.12–16 3
sawarga ninggalkeun maraneh teh, bakal
sumping deui kucara kawas kitu keneh,
nya eta saperti mi'rad-Na.”
12 Rasul-rasul marulang deui ka kota

Yerusalem ti Gunung Jetun, anu jauhna


ti Yerusalem ngan saperjalanan poe
Sabat. (Kira-kira salapan ratus meter).
13 Aranjeunna teh, nya eta Petrus

jeung Yahya, Yakobus jeung Andreas,


Pilipus jeung Tomas, Bartolomeus jeung
Mateus, Yakobus bin Alpius, Simon
Selotes, sarta Yudas bin Yakobus. Di
kotana, maratuh di hiji imah tumpangan,
nya eta nyicingan kamar anu aya di
loteng.
14 Aranjeunna hirup samiuk sauyunan

tur getol neneda babarengan. Lian ti


aranjenna, aya oge sababaraha urang
wanita katut Maryam ibu-Na Isa; kitu
deui, saderek-saderek Isa.
15 Dina hiji poe, waktu keur kumpul cara

sasari; di dinya, aya kira-kira saratus


dua puluh urang. Petrus ngadeg lajeng
sasauran kieu,
16 “Dulur-dulur, ayat Kitab Suci kudu

laksana sakumaha dawuhan Ruh Allah


anu kedalna tina lambey Daud ngeunaan
KISAH PARA RASUL 1.17–22 4
Yudas Iskariot, anu ngaluluguan nangkep
Isa tea.
17 Tadina, manehna batur urang, sarua

boga tugas ngaladenan kawas urang.


18 Ki Yudas ge geus meuli lahan

saluwuk ku duit ladang hianat; tapi


ahirna, manehna ragrag nangkuban
sarta beuteungna gudawang peujitna
amburadul.
19 Urang Yerusalem ge, kabeh,

nyarahoeun; matakna, eta lahan


dingaranan ku basa maranehna
“Akel-dama,” hartina: Lahan-getih.
20 Hal eta geus aya dina kitab Zabur,

ungelna: Pakuwonna sing narikolot,


masing suwung ku nu matuh. Jeung:
Jabatanana sing kacokot ku nu sejen.
21 Ku sabab eta, urang butuh saurang

deui, keur gagantina. Ieu jelema teh


kudu salah saurang ti anu sok milu
babarengan salila Isa, Gusti Jungjunan
urang, aya di urang keneh, nya eta
22 ti ngawitan Anjeunna dibaptis ku

Yahya nepi ka paturay-Na jeung urang,


dicandak ka sawarga; supaya cara urang
oge, manehna baris jadi saksi tina hal
gugah-Na.”
KISAH PARA RASUL 1.23 –2.3 5
23 Tuluy ku sakur nu aya didinya
diusulkeun dua jalma. Nu saurang Yusup
alias Barsabas, anu katelah oge Yustus.
Saurang deui Matias.
24 Duanana diunjukkeun dina paneda,

kieu, “Nun Gusti, anu langkung waspaos


kana ati sanubari abdi sadaya! Mugi
maparin pituduh, anu mana ti antawis
ieu pun dulur, duaan, anu kamanah,
25 anu kedah nyangking tugas

ngaladenan, nya eta jabatan rasul


gegentos Yudas Iskariot anu parantos
tigubrag ka tempat anu satimpal.”
26 Sanggeus diunjukkeun, tuluy dua

jalma bieu dilotre. Undianana teh, keuna


ka Matias; terus bae anjeunna teh
diangkat jadi rasul, pikeun nambahan
anu sabelas urang tea.
1 Dina poe Pentakosta, sakabeh

2 jelema-jelema anu geus percaya,


karumpul di hiji tempat.
2 Dumadakan aya sora ti langit,

ngaguruh lir angin barat; sorana


minuhan sakuliah imah anu keur
dicaralikan tea.
3 Breh bae, katembong ku aranjeunna,

aya anu pating suliwer mangrupa


letah-letah anu harurung lir seuneu;
KISAH PARA RASUL 2.4–10 6
tuluy eta letah-letah anu harurung lir
seuneu teh areunteup ka aranjeunna.
4 Eta teh cirining yen aranjeunna

geus kalinggihan Ruh Allah; tuluy


bae, aranjeunna teh salasauran dina
rupa-rupa basa numutkeun gerak ti Ruh
Allah tea.
5 Harita, di Yerusalem loba urang Yahudi

anu saraleh; marenehna teh, daratang ti


sakuliah dunya.
6 Waktu aya sora ngaguruh kitu teh,

maranehna tuluy ngagarimbung; barang


ngadarenge rasul-rasul sasauran dina
basa maranehna, masing-masing,
pohara hareraneunana.
7 Cek maranehna bari rungah-ringeuh,

“Lain urang Galilea tea maranehna teh?


8 Na geuning kadengena teh cacarita ku

rupa-rupa basa, nurutkeun basa urang


masing-masing?
9 Nu karumpul di dieu teh, kapan

aya anu ti Partia, ti Media, ti Elam, ti


Mesopotami, ti Yudea, ti Kapadokia, ti
Pontus, ti Asia,
10 ti Prigia, ti Pampilia, ti Mesir, ti

wilayah-wilayah Libia nu dareukeut ka


Kirena, jeung aya oge anu ti nagri Rum.
KISAH PARA RASUL 2.11–17 7
11 — boh urang Yahudi, boh anu
ngaragem agama Yahudi — kitu deui,
urang Kreta jeung urang Arab pada
ngadenge maranehna cacarita dina
basana masing-masing, nyaritakeun
padamelan-padamelan Allah anu
araheng.”
12 Maranehna tingpelengek semu

bingung, silih tanya pada batur,


13 “Alamat naon ieu teh?” Tapi cek nu

sawareh deui mah, bari semu moyok,


“Kabeh ge jelema mabok eta teh, loba
teuing nginum anggur!”
14 Neut Petrus ngadeg, dibarengan

ku sabelas rasul sejenna, pok nyarios


tarik, “Dulur-dulur, urang Yahudi jeung
sakur anu maratuh di Yerusalem! Muga
barandungan, simkuring rek nyarita.
15 Sangkaan aranjeun yen simkuring

sarerea mabok teh, teu bener. Ayeuna


teh kakara pukul salapan.
16 Ieu kajadian saenyana geus

didawuhkeun ku Allah, ku perantaraan


Nabi Yo"el, anu kieu tea:
17 Kieu dawuhan Allah: Engke dina

jaman ahir, Kami rek ngucurkeun


Ruh Kami ka sakabeh manusa; anak
maraneh, boh lalaki, boh awewe,
KISAH PARA RASUL 2.18–22 8
bakal barisa narubuwat, barudak
ngorana mareunang ilapat, nu karolotna
baris mareunang tetenjoan dina
impian-impian.
18 Jeung dina jaman ahir tea, Kami

arek ngucurkeun Ruh Kami ka abdi-abdi


Kami boh anu lalaki, boh anu awewe;
maranehna bakal narubuwat.
19 Sarta di luhur, di langit, Kami

rek ngayakeun mujijat-mujijat, ari


di handap, di bumi, rek ngayakeun
tanda-tanda: getih, seuneu, jeung
haseup meledug.
20 Panonpoe bakal robah, ngajadi poek

ngajumbleng, bulan ngajadi getih,


samemeh datang mangsa rawuhna Gusti
Jungjunan urang dina poe anu agung tur
mulya.
21 Sing saha anu nyambat ka

pajenengan Gusti, tangtu baris


disalametkeun.
22 Eh, urang Israil, barandungan ieu

omongan simkuring! Anu dimaksud ku


simkuring, nya eta Isa ti Nasaret tea.
Anjeunna geus ditangtukeun ku Allah
tur geus dibuktikeun ka aranjeun ku
rupa-rupa pangawasa jeung mujijat.
Kitu deui, ku tanda-tanda dadamelan
KISAH PARA RASUL 2.23–27 9
Allah anu dilaksanakeun ku perantaraan
Anjeunna, sakumaha anu geus kasaksian
ku sarerea.
23 Anjeunna, ku Allah diselehkeun,

cocog jeung maksad katut rarancang-


Na; Anjeunna digantung dina salib
sarta ditelasan ku aranjeun, ku jalan
nginjeum leungeun ka jelema-jelema
anu daroraka.
24 Tapi ku Allah, Anjeunna geus

digugahkeun deui, leupas tina siksaan


maot. Sabab mustahil, Anjeunna bisa
kagenggem ku kawasa almaot.
25 Tur hal ieu teh sapagodos jeung anu

geus disaurkeun ku Daud kieu: Simabdi


sapapaosna madep ka Pangeran,
Anjeunna ngadeg di katuhueun abdi;
abdi moal unggut kalinduan.
26 Kitu nu mawi hate abdi pinuh ku

kabingahan, jiwa abdi surak gerah;


raga pasrah sumerah, ayem tengtrem
dina pangharepan ku ayana jangji-jangji
Allah;
27 wireh nyawa ku Gusti moal

diserenkeun ka alam maot, Gusti moal


ngantep abdi-Na nu satia ruksak binasa.
KISAH PARA RASUL 2.28–33 10
28 Gusti ka abdi nuduhkeun jalan kana
hirup, di payuneun pangersa, abdi
tangtos ngaraos bagja.
29 Dulur-dulur! Simkuring seja

satarabasna bae, nyaritakeun hal Daud


karuhun bangsa urang ka aranjeun.
Anjeunna parantos pupus sarta
dikurebkeun; makamna ge, aya keneh
nepi ka ayeuna.
30 Tapi anjeunna teh nabi, uninga yen

Allah geus jangji kalawan sumpah, baris


ngajenengkeun dina tahtana saurang ti
antara seuweuna ku anjeun.
31 Ku kituna, anjeunna teh geus

uninga ti anggalna. Jadi, anjeunna iasa


nyaurkeun hal pigugaheunana Al Masih;
sakumaha kasauranana anu nyebatkeun,
yen Anjeunna moal dikantunkeun aya di
alam maot sarta salira-Na moal keuna
ku ruksak.
32 Nya Isa anu eta, anu geus

digugahkeun deui ku Allah teh sarta


simkuring sarerea saksina.
33 Sanggeus Anjeunna dijungjung ku

panangan tengen Allah sarta nampi Ruh


Allah anu geus dijangjikeun tea; kiwari,
eta Ruh teh, ku Anjeunna dikucurkeun;
KISAH PARA RASUL 2.34–39 11
sakumaha anu ayeuna kataringal jeung
kakaruping ku aranjeun.
34 Daud teh henteu munggah ka

sawarga, malah Daud ku anjeun


sasauran kieu: Pangeran ngadawuh ka
Gusti Jungjunan kaula:
35 Geura calik di katuhueun Kami, nepi

ka musuh-musuh Hidep ku Kami dijieun


jojodog titincakan Hidep.
36 Ku sabab eta, sakumna bangsa Israil

kudu terang kalawan pasti, yen Isa anu


ku aranjeun geus dihukum gantung
teh ku Allah geus dijenengkeun Gusti
Jungjunan jeung Al Masih.”
37 Barang ngadarenge hal eta, jelema-

jelema teh mani tinghareruk ngarasa


kagagas. Tuluy maranehna naranyakeun
ka Petrus jeung ka rasul-rasul sejenna,
“Kedah kumaha atuh simkuring teh,
dulur-dulur?”
38 Diwaler ku Petrus, “Kudu tarobat

jeung kudu daraek dibaptis kalawan


pajenengan Isa Al Masih, supaya dosa
aranjeun dihampura; mun geus kitu,
tangtu aranjeun bakal narima Ruh Allah.
39 Da eta anu dijangjikeun teh, nya

pikeun aranjeun saanak incu, oge pikeun


anu araya di tempat-tempat nu jarauh,
KISAH PARA RASUL 2.40–46 12
sarta pikeun sakur nu bakal disaur ku
Gusti Jungjunan urang.”
40 Rea-rea deui kasauran Petrus

enggoning nganyatakeun kasaksianana


sarta maparin pepeling. Kieu saurna,
“Aranjeun kudu pasrah supaya bisa luput
ti ieu bangsa alam kiwari anu teu jalujur.”
41 Sakur anu daek narima kana

kasauran Petrus, kabeh sumerah


marenta dibaptis. Poe eta, bilangan
jalma nu ariman tambah kira-kira tilu
rebu urang.
42 Kabeh saregep kana pangajaran

rasul-rasul tur sabeungkeutan:


Salawasna babarengan milu kana
riungan tuang roti jeung kumpulan doa.
43 Maranehna timbul rasa kagimirna

narenjo rasul-rasul sering ngayakeun


rupa-rupa mujijat jeung tanda-tanda
anu ajaib.
44 Kaom percaya teh, estu rempug

jukung sarta sabanda saboga.


45 Unggal poe tara towong, aya bae

anu jujualan, beubeunanganana dibagi


keur sarerea, sakumaha bae perluna
masing-masing.
46 Ti poe ka poe deui, maranehna mani

rajin karumpul di Bait Allah kalawan


KISAH PARA RASUL 2.47 –3.5 13
saniat sapikir. Jaba ti kitu, sok bagilir
ngayakeun riungan tuang roti di imah
masing-masing, didalahar bareng
dibarung ku gumbira tur iklas.
47 Maranehna maruji sukur ka Allah

sarta masarakat umum oge jadi katarik.


Unggal-unggal poe, jumlahna ku
Gusti ditambah ku jalan lobana anu
disalametkeun.
1 Dina hiji poe, geus meh waktuna

3 sembahyang — kira-kira pukul tilu


sore — Petrus jeung Yahya arangkat ka
Bait Allah.
2 Di dinya, aya hiji lalaki anu lumpuh

ti barang burusut, nepi ka kudu


digogotong bae. Baku, saban poena, sok
dipernahkeun deukeut panto gapura Bait
Allah anu ngaranna Gapura Endah, sina
menta sidekah ka anu rek arasup ka Bait
Allah.
3 Petrus jeung Yahya oge, basa rek

lalebet ka Bait Allah, ku manehna


dipentaan sidekahna.
4 Ku aranjeunna, manehna diteuteup;

geus kitu, Petrus sasauran, “Coba


neuteup ka kula duaan.”
5 Nu lumpuh teh tuluy neuteup, hatena

mah ngarep-ngarep sidekah.


KISAH PARA RASUL 3.6–12 14
6 Tapi saur Petrus, “Emas perak kula
teu boga. Tapi kaboga kula ayeuna arek
dibikeun. Demi pajenengan Isa Al Masih
urang Nasaret, pek leumpang!”
7 Tuluy Leungeun jelema eta, ku

anjeunna dicekel pikeun mantuan


nangtungkeun. Harita keneh, suku jeung
keuneungna jadi kuat.
8 Korejat bae hudang, — semu luncat

— tuluy manehna leuleumpangan bulak-


balik; seug manehna teh nuturkeun
aranjeunna ka jero Bait Allah, semu
ajret-ajretan, bari muji ka Allah.
9 Ku sarerea oge katingal manehna

leuleumpangan jeung muji ka Allah teh.


10 Sanggeus nyarahoeun yen manehna

teh anu sok musapir di Gapura Endah


tea, kacida pada mikahelokna, heran ku
kajadian nu kaalaman ku eta jelema.
11 Ku lantaran eta jelema teh, ngikintil

bae ka Petrus jeung Yahya. Tungtungna


mah, anu pada mikaheran teh, rob bae
ngarubung ka aranjeunna di hiji tepas
anu disebut Tepas Sulaeman.
12 Ningali kitu pok Petrus nyarios,

saurna, “Dulur-dulur, urang Israil! Naha


kudu heran ku ieu kajadian? Ku naon
malalencrong ka kaula? Sangkana ieu
KISAH PARA RASUL 3.13–17 15
jelema teh cageur lantaran pangawasa
atawa ku ka ibadahan kaula sorangan?
13 Allah nu disembah ku Ibrahim, Isak,

jeung Yakub, — Allah nu disembah


ku karuhun urang — geus maparin
kamulyaan ka Abdi-Na, nya eta ka Isa
anu ku aranjeun geus diselehkeun sarta
ditarampik di payuneun Pilatus; sanajan
cek timbangan Pilatus mah, Anjeunna
pantes dibebaskeun.
14 Anjeunna, Anu Adil tur Suci, ku

aranjeun ditampik, ari anu ngundeur


nyawa batur kalah ka dihadiahan
kabebasan ti Pilatus.
15 Anjeunna nu jadi Pamingpin

kana hirup teh, ku aranjeun geus


ditelasan. Tapi ku Allah, Anjeunna geus
digugahkeun deui ti enggon anu maraot,
nya kaula sarerea saksina.
16 Ku sabab manehna percaya ka

pajenengan Isa, — ieu jelema anu ku


aranjeun dipikawawuh sarta katarenjo
sapopoena — ku eta Jenengan geus
dibere tanaga kakuatan. Nya ku lantaran
manehna percaya bisana cageur teh,
kasaksian ku aranjeun.
17 Dulur-dulur, kaula terang pangna

aranjeun kitu pepetaan teh, bakating


KISAH PARA RASUL 3.18–23 16
ku balilu; saruana jeung pamingpin
aranjeun.
18 Tapi nya ku jalan kitu, Allah teh

ngabuktikeun dawuhana-Na anu


didawuhkeun ka nabi-nabi-Na baheula,
yen Al Masih utusana-Na teh wajib
nandangan sangsara.
19 Ayeuna, nu penting mah aranjeun

teh geura areling sarta tarobat, malar


lubar tina dosa,
20 supaya dilongsongkeun nya hate ku

Allah. Supaya Anjeunna ngutus Isa,


anu ti awalna keneh oge memang geus
dipastikeun pikeun ngajadi Al Masih
aranjeun.
21 Ari Al Masih teh, kudu mulih heula

ka sawarga nepi ka sagala perkara


dianyarkeun deui; sakumaha anu geus
didawuhkeun ku Allah, ti baheula, ku
perantaraan nabi-nabi-Na anu saruci.
22 Geuning saur Musa oge kieu:

Maraneh ku Gusti Allah bakal dibere


hiji nabi saperti kami, anu asal ti
maraneh keneh. Sagala kasauranana
anu ditujukeun ka maraneh teh, kudu
digugu.
23 Ari anu teu ngagugu tanwande

dibasmi ti hirup kumbuh bangsa urang.


KISAH PARA RASUL 3.24 –4.2 17
24 Nabi-nabi, mimiti ti Nabi Samuel nepi
ka nabi-nabi sabada anjeunna, kabeh
kungsi ngucapkeun wangsit ngeunaan
jaman kiwari.
25 Nya ka aranjeun buktina eta wangsit

teh; aranjeun anu ngabogaan hak


meunangkeun jangji subaya anu ku Allah
didawuhkeun ka karuhun urang, nalika
Anjeunna ngadawuh kieu ka Ibrahim: Ku
jalan turunan maneh, sakabeh bangsa di
sakuliah bumi bakal ginuluran berkah.
26 Nya pikeun kasalametan aranjeun,

utamana mah, Allah ngagugahkeun sarta


ngutus Abdi-Na ka aranjeun teh; supaya
Anjeunna iasa mingpin ka aranjeun
masing-masing, malar bisa tarobat tina
sagala kalakuan anu jahat.”
1 Sabot Petrus jeung Yahya sasauran,

4 ngadak-ngadak diberedeg ku
panghulu-panghulu dibarengan ku
kapala pangawal Bait Allah jeung urang
Saduki,
2 anu pohara arambekeunana ka

aranjeunna, pedah aranjeunna ngajar


kitu ka jalma rea jeung netelakeun yen
Isa kawasa gugah ti nu paraeh.
KISAH PARA RASUL 4.3–10 18
3 Kerewek aranjeuna ditangkep, ditahan
nepi ka poe isukna sabab harita geus
peuting.
4 Tapi anu ngabarandungan kasauran

aranjeunna teh loba nu terus percaya,


nepi ka jumblahna jadi lima rebu urang;
eta teh ngan ukur lalakina wungkul.
5 Poe isukna, pamingpin-pamingpin

urang Yahudi, parakokolot, jeung


ahli-ahli Kitab ngayakeun sidang,
6 diluuhan ku Panghulu Agung Anas

jeung Kayapas, Yahya jeung Aleksander


katut lian-lianna anu kaasup turunan
Panghulu Agung.
7 Petrus jeung Yahya dijagragkeun,

tuluy dipariksa, “Meunang kawasa ti


mana atawa make ngaran saha maraneh
nyieun peta kitu?”
8 Waler Petrus anu geus kaancikan

ku Ruh Allah, “Parapamingpin bangsa


sareng parasesepuh sadaya!
9 Saupami simkuring dipariksa teh

lantaran nulungan nu gering sareng


kedah nerangkeun kenging kawasa ti
mana nyageurkeun ieu jalmi:
10 Mugi kauninga ku sadaya, kitu deui

ku sakumna umat Israil, yen tindakan


simkuring teh taya sanes estu demi
KISAH PARA RASUL 4.11–14 19
pajenengan Isa Al Masih urang Nasaret,
anu ku aranjeun parantos digantung
tea; tapi ku Allah Anjeunna parantos
digugahkeun deui ti alam nu paraeh. Nya
ku karana Isa pisan cageurna ieu jalmi
anu nuju dipayunan teh.
11 Mugi kauninga, Isa teh: batu anu

parantos dipiceun ku tukang ngawangun


imah. Aranjeun nu jaradi tukangna teh.
Tapi eta batu teh parantos dijieun batu
lulugu.
12 Jalmi teh, saha bae ge, teu aya

anu ngagaduhan kasalametan, iwal ti


Anjeunna. Margi di sakolong langit teu
aya deui jenengan anu dipaparinkeun
ka manusa iwal ti eta-etana sarta ngan
ku lantaran Jenengan eta, urang sadaya
pitiasaeun salamet teh.”
13 Wawanen Petrus jeung Yahya

anu sakitu gedena — tur kanyahoan


aranjeunna teh lain jalma terpelajar
— estu matak heran anu keur sidang.
Kabeh ge nyarahoeun yen aranjeunna
teh panganut Isa.
14 Tapi ku sabab aya bukti, jelemana

anu dicageurkeun jonghok di dinya


gigireun rasul-rasul, sidang teu bisa
ngabantah.
KISAH PARA RASUL 4.15–21 20
15 Rasul-rasul dikaluarkeun heula ti
tempat sidang; sidangna terus badami,
16 “Kudu dikumahakeun eta dua jelema

teh? Mujijatna sakitu terangna ka urang


Yerusalem; ku urang teu bisa dipungkir.
17 Tapi supaya hal eta ulah nepi ka

tambah nyaliara, leuwih hade urang


ancam bae, nya eta teu meunang
nyarita-nyarita deui mamawa eta
ngaran.”
18 Geus kitu Petrus jeung Yahya

dijagragkeun deui ka sidang, tuluy


aranjeunna dilarang cacarita atawa
ngajar mamawa deui jenengan Isa.
19 Tapi Petrus jeung Yahya ngawaler,

“Aranjeun kantun nimbang-nimbang,


mana anu sapagodos sareng pangersa
Allah: Kedah tunduk ka manusa, atanapi
kedah ta'at ka Allah?
20 Dupi simkuring mah, pamohalan

dongkap ka henteu nyanggemkeun sugri


anu kantos katingal sareng kakuping.”
21 Sidang ngancamna beuki keras,

tapi kapaksa aranjeunna dileupaskeun.


Sabab sidang henteu manggih jalan
pikeun ngahukum, turug-turug sieun ku
balarea anu geus ragem maruji ka Allah.
KISAH PARA RASUL 4.22–27 21
22 Lantaran jalma rea teh, narenjo pisan
jelema anu gering sapanjang umurna,
nya eta salila opat puluh taun leuwih,
bisa cageur ku jalan anu sakitu ahengna.
23 Sanggeus leupas, Petrus jeung

Yahya nepangan rerencanganana.


Pamariksaan imam-imam kapala jeung
kokolot-kokolot teh, ku aranjeunna
dicarioskeun deui.
24 Geus kitu, rerencanganana ragem

sasambat ka Allah, kieu, “Nun Pangeran


anu ngadamel langit, bumi, laut, katut
saeusina.
25 Ku jalan Ruh Allah anu diilhamkeun

ka Daud abdi Gusti tea, karuhun abdi


sadaya, Gusti parantos nimbalan kieu:
Ku naon bangsa-bangsa pada amarah;
suku-suku bangsa ngareka perkara anu
mubadir?
26 Raja-raja alam dunya tatan-tatan,

rek ngalawan ka Pangeran jeung ka Al


Masih-Na.
27 Saleresna pisan, di ieu kota, raja

Herodes, Pontius Pilatus, bangsa-bangsa


anu teu palercaya, sareng kaom-kaom
bangsa Israil, parantos kumpul sakait
ngalawan Isa, — Abdi Gusti anu suci,
kenging Gusti ngalisahan —
KISAH PARA RASUL 4.28–33 22
28 kanggo ngalakonan papasten anu
ku Gusti dipastikeun ti awalna kalayan
kawasa sareng pangersa Gusti.
29 Nun Pangeran, mugi tingali,

maranehna ayeuna ngancam ka abdi


sadaya. Kitu nu mawi, mugi abdi-
abdi dikersakeun teuneung ludeung
ngadongkapkeun pangandika Gusti tea.
30 Mugi Gusti kersa nyodorkeun

panangan, maparin kacageuran ka anu


aludur sareng ngadamel tanda-tanda
ajaib sarawuh mujijat-mujijat demi
pajenengan Isa, Abdi Gusti anu suci.”
31 Sabot-sabot rasul-rasul neneda

kitu, tempat aranjeunna kumpul teh


ngariyeg inggeung sarta aranjeunna
kalinggihan ku Ruh Allah. Nepi ka
ludeung ngembarkeun pangandika Allah.
32 Pakumpulan jelema-jelema anu geus

ariman teh estu salulut, saniat sapikir,


sarta teu aya pisan anu ngaku-ngaku
yen bandana teh muklis milikna pribadi,
estu sabanda saboga.
33 Ari rasul-rasul pohara soson-sosonna

netelakeun hal gugahna Isa, Gusti


Jungjunan urang, sarta hirup dina
kaayaan ginuluran kurnia tanpa tanding.
KISAH PARA RASUL 4.34 –5.4 23
34 Tara aya anu kakurangan sabab sing
saha bae anu boga tanah atawa imah sok
tuluy dijual. Beubeunanganana dibawa,
35 disanggakeun ka rasul-rasul terus

dibagikeun ka unggal jalma, luyu jeung


kaperluan masing-masing.
36 Nya kitu deui Yusup, anu ku rasul-

rasul dilandi Barnabas, — anu hartina


‘anak panglipur’ — kaasup kaom Lewi
asal ti Kiprus.
37 Manehna oge ngajual lahan milikna,

duitna dibawa disanggakeun ka


rasul-rasul.
1 Aya hiji jelema ngaran Ananias

5 jeung bojona Sapirah, ngajual


tanahna saluwuk.
2 Tapi duit beubeunanganana, henteu

disanggakeun kabeh ka rasul-rasul.


Aya anu disalingkuhkeun, sailon jeung
bojona.
3 Tapi Petrus uninga, saurna, “Ku naon

maneh, Ananias, kapangaruhan Iblis


nepi ka wani ngabohong ka Ruh Allah,
nya eta nyalingkuhkeun sabagian duit
ladang tanah maneh?
4 Upama tanah eta henteu dijual, naha

lain tetep boga maneh? Kitu keneh


upama dijual, duitna teh naha lain hak
KISAH PARA RASUL 5.5–10 24
maneh keneh? Maneh ngabohong teh
lain ka jelema, tapi ka Allah!”
5 Barang dilahiran kitu, bluk bae

Ananias tibeubeut, paragat nyawana.


Anu nyarahoeun urusanana pohara
ngararenjagna.
6 Mayit Ananias diurus ku barudak

ngora, diboehan tuluy digotong ka luar


baris dimakamkeun.
7 Heuleut kira-kira tilu jam, jol deui

bojona. Manehna teu nyahoeun naon


anu geus tumiba ka salakina.
8 Dipariksa ku Petrus, saurna, “Bejakeun

nu saenyana, bener tanah teh sakitu


dijualna?” Jawabna, “Sumuhun sakitu.”
9 Saur Petrus, “Ku naon ieu salaki

pamajikan sailon ngadoja ka Ruh


Pangeran? Tuh tenjo ka lawang, jalma-
jalma anu cikeneh tas ngamakamkeun
salaki maneh, baris ngagotong maneh
oge!”
10 Bluk awewe teh tibeubeut deukeut

sampean Petrus, paeh sapada harita.


Ku barudak ngora tea, eta awewe
kasampak geus jadi mayit; tuluy bae eta
mayit teh digotong ka luar, dimakamkan
pagigir-gigir jeung salakina.
KISAH PARA RASUL 5.11–17 25
11 Sakumna jamaah, sanggeus
nyarahoeun kana urusanana, pohara
galeumpeurna.
12 Rasul-rasul teh sering pisan

ngayakeun tanda-tanda ajaib jeung


mujijat-mujijat. Jamaahna kalawan
sauyunan sering kumpul di Tepas
Sulaeman.
13 Masarakat luareunana teu aya

anu wani turut campur, tapi kacida


ngajenanana.
14 Bilangan anu aranut ka Gusti

Jungjunan urang, terus bae nambahan


saban poena, boh awewe, boh lalaki.
15 Jelema-jelema anu garering

diangkutan kaluar ka jalan gede, dibawa


jeung bale-balena atawa jeung samakna.
Maksudna di mana Petrus ngalangkung,
tangtu saurang bae mah aya anu
kakalangkangan ku anjeunna.
16 Jelema-jelema ti kota-kota

sakurilingeun Yerusalem oge, merul


marawa anu garering atawa anu jiwana
diganggu ku roh jahat: Kabeh calageur
deui.
17 Kajadian-kajadian eta teh,

tungtungna mah nimbulkeun dengki ti


pihak Panghulu Agung katut panganut-
KISAH PARA RASUL 5.18–23 26
panganutna, nya eta ti madhab Saduki.
Tah ti dinya, mimitina aranjeunna
ngaganggu teh.
18 Rasul-rasul ditangkep, dijebloskeun

ka panjara kota.
19 Tapi peutingna, panto panjara teh

dibuka ku malaikat Pangeran sarta


dituyun ka luar.
20 Saur malaikat, “Bral geura arindit ka

Bait Allah, embarkeun pangandika hal


hirup anyar teh ka umum.”
21 Tumut kana amanat, wanci rek bray

beurang, aranjeunna geus lalebet deui ka


Bait Allah terus ngawulang. Sajeroning
kitu, Panghulu Agung mundut ka Dewan
Sanhedrin, nya eta Mahkamah Agama
jeung Rengrengan Sesepuh, supaya
ngayakeun sidang sarta miwarang ngala
rasul-rasul ka panjara.
22 Barang anu dipiwarang daratang ka

panjara, rasul-rasul teh geus teu araya


di dinya. Tuluy maranehna baralik deui
pikeun ngalapor, pokna,
23 “Panjara kasampak ngonci keneh,

kawal-kawal tetep ngajagi satempatna-


satempatna, nanging barang dibuka
parantos kosong.”
KISAH PARA RASUL 5.24–30 27
24 Nampa laporan kitu, kapala kawal
Bait Allah jeung imam-imam kapala bati
tingpelengek teu ngarti bari mikir: Na
rasul-rasul teh baris kumaha.
25 Sabot kitu, jol anu unjukan, “Geuning

jalmi-jalmi anu ku bapa-bapa dipanjara


teh araya di Bait Allah, nuju ngawulang
ka umum!”
26 Kapala kawal sabaladna ngagidig

ka Bait Allah, tuluy rasul-rasul teh


digiringkeun deui. Tapi henteu bari
papaksa, da maranehna teh sieuneun
bisi dibaledogan ku balarea.
27 Sanggeus jagrag di Mahkamah

Agama, rasul-rasul dipariksa ku


Panghulu Agung, saurna,
28 “Maraneh geus diwanti-wanti pisan,

nya eta teu meunang ngajar ku cara


nyebut-nyebut eta Ngaran; tapi maraneh
anggur ngaliar-liarkeun eta pangajaran,
nepi ka pinuh sa-Yerusalem jeung rek
neumbleuhkeun pangwales pati eta
Jalma ka kami sakabeh!”
29 Saur Petrus sarencang-rencang,

“Abdi sadaya ngaraos, langkung wajib


ta'at ka Allah batan ka jelema.
30 Isa anu ku bapa-bapa dihukum

gantung sareng ditelasan, ku Allah nu


KISAH PARA RASUL 5.31–36 28
disembah ku karuhun urang parantos
digugahkeun.
31 Anjeunna ku Allah parantos

dijungjung ku panangan tengen-Na,


dijenengkeun Pamingpin sareng ngajadi
Juru Salamet, baris mingpin bangsa
Israil kana pertobat supados kenging
pangampura dosa.
32 Abdi sadaya anu jaradi saksina;

kitu deui, Ruh Allah anu parantos


dikurniakeun Allah ka sadaya jalmi anu
anut ka Anjeunna.”
33 Meunang waleran kitu teh,

aranjeunna kacida geregeteunana;


niatna mah hayang maehan.
34 Di Majelis Agama aya hiji urang Parisi,

ahli Kitab anu kacida dihormat-hormatna


ku sakumna rayat. Neut anjeunna
ngadeg, mundut ka sidang supaya
rasul-rasul dikaluarkeun sakeudeung.
35 Geus kitu, anjeunna nyarios ka

sidang, saurna, “Saderek-saderek


urang Israil, sing atos-atos mutuskeun
perkarana eta jalmi-jalmi, manahan
heula sing lantip.
36 Emut, kapungkur aya si Teodas anu

ngakukeun jalma luar biasa, — anu


gaduh panganut kinten-kinten opat
KISAH PARA RASUL 5.37–41 29
ratus urang — nanging ahirna dipaehan,
panganut-panganutna ge bubar dugi ka
musna.
37 Saparantos eta, nalika aya cacah

jiwa tea, jol deui si Yudas urang Galilea


anu ngered jelema rea pisan dibawa
ngabarontak. Ieu oge ahirna tiwas
sareng panganut-panganutna bencar
bubar.
38 Nilik ka dinyana simkuring sumeja

ngahaturkeun wawadi, keun bae


eta jalmi-jalmi teh ulah dikitu-kieu.
Upami pakarepan atanapi pagawean
maranehna teh, timbul tina karepna
sorangan, tangtos moal teu gagal.
39 Sawangsulna, upami leres kalayan

kersaning Allah, atuh mustahil ku urang


tiasa dibasmi; malah palangsiang matak
malindes ka urang sabab urang sorangan
anu ngalawan ka Allah.” Nasehatna
katarima.
40 Tuluy rasul-rasul teh disaur deui;

sanggeus dihukum rangket, aranjeunna


dibebaskeun bari dilarang teu kawidian
ngajar mamawa jenengan Isa.
41 Rasul-rasul arangkat ngantunkeun

Mahkamah Agama dibarung ku


kagumbiraan, dumeh ngaraos layak
KISAH PARA RASUL 5.42 –6.5 30
nyorang sangsara sarupa kitu lantaran
ngagem jenengan Isa.
42 Aranjeunna, saban poe, teu eureun-

eureun ngawuruk, boh di Bait Allah, boh


ka somah-somah bari ngawawarkeun
Injil hal Isa Al Masih.
1 Hiji mangsa, sanggeus murid-murid

6 beuki loba, urang Yahudi anu


sapopoena ngaromong dina basa
Yunani kukulutus. Lantaran ngarasa
randa-randana disapirakeun dina urusan
ngabayuanana, beda ti randa-randa
urang Yahudi asli.
2 Ku dua belas rasul, murid-murid teh

dipiwarang kumpul. Tuluy ku rasul-rasul


dicariosan, “Pangandika Allah teu
meunang kateler-teler ku nguruskeun
bae sual-sual sejen.
3 Matak eta, dulur-dulur, coba milih

batur tujuhan anu kasebut hade


kalakuan jeung budina. Jelema-jelema
bieu, engke urang angkat keur urusan
eta;
4 supaya bapa sapara kanca bisa

jongjon dina urusan sembahyang jeung


Pangandika Allah.”
5 Ieu usul kacida pada

ngarempuganana; tuluy jamaah


KISAH PARA RASUL 6.6–10 31
teh milih: Stepanus, jelema anu ibadah
pisan tur kaancikan Ruh Allah, Pilipus,
Prokorus, Nikanor, Timon, Parmenas,
jeung Nikolaus urang Antioki anu nyekel
agama Yahudi.
6 Sanggeus anu tujuhan eta

dideuheuskeun, ku rasul-rasul
dipangnedakeun jeung ditumpangan
panangan.
7 Pangandika Allah beuki sumebar,

bilangan murid beuki loba, malah loba


panghulu anu tumut kana kapercayaan
jamaah.
8 Kocap, Stepanus — anu ginuluran

kurnia jeung kawasa — bisa ngayakeun


tanda-tanda ajaib jeung mujijat-mujijat
hareupeun umum.
9 Geus kitu, ka anjeunna aya anu ngajak

padu. Jelema-jelema anu ngajak padu


teh, nya eta ti jamaah Yahudi anu disebut
kaum Libertini, — anggota-anggotana
teh, sawatara asal ti jamaah urang
Kirena, sawatarana deui ti Aleksandria
— urang Yahudi ti Kilikia, jeung ti Asia.
10 Tapi maranehna teu kuat ngalawan

kapercekaan Stepanus, teu sanggup


nandingan Ruh Allah anu ngatur
kasauranana.
KISAH PARA RASUL 6.11 –7.2 32
11 Seug bae maranehna ngarorojok
batur, pokna, “Eta jelema teh ucap-
ucapanana ngahina ka Nabi Musa jeung
ka Allah!”
12 Pangaruhna teurak ka jalma rea,

ka rengrengan sesepuh, jeung ka


ahli-ahli Kitab; terus bae maranehna teh
nangkep Stepanus sarta ngagiringna ka
Mahkamah Agama.
13 Maranehna ngayakeun saksi-saksi

palsu sina ngucapkeun pitenah: “Ieu


jalmi teu eureun-eureun ngaluarkeun
omongan anu nganistakeun tempat suci
sareng hukum Toret.
14 Kakuping pisan ku simkuring sabatur-

batur, anjeunna nyebat-nyebat yen Isa,


urang Nasaret tea, baris ngaruag tempat
suci sareng ngarobah adat tali paranti
bangsa urang titilar Musa.”
15 Rengrengan marerong ka Stepanus,

tapi pasemonna katembong cahayaan lir


raray malaikat bae.
1 Panghulu Agung mariksa, “Enya

7 kitu, eta dakwaan teh?”


2 Stepanus ngawalon, “Saderek-saderek

sareng bapa-bapa sadaya, darangukeun.


Allah, anu Maha Mulya, ngebrehkeun
salira ka Ibrahim, rama karuhun urang,
KISAH PARA RASUL 7.3–8 33
di Mesopotami; samemeh anjeunna
ngalih ka tanah Haran.
3 Kieu timbalana-Na: “Geura incah ti

lemah cai lembur kiwari, tinggalkeun


babarayaan. Teang hiji nagri, anu baris
dituduhkeun ku Kami.”
4 Ibrahim jengkar ngantunkeun tanah

urang Kasdim, teras mukim di tanah


Haran. Saparantos ramana pupus, ku
Allah ditimbalan ka dieu, nya ka tempat
pamatuhan aranjeun ayeuna.
5 Nanging anjeunna henteu dipasihan

tanah sacangkewok-cangkewok acan,


mung dijangjian wungkul, yen ieu tanah
tanwande jadi milik anjeunna sareng
turunanana. Padahal harita anjeunna teu
acan kagungan putra.
6 Kieu dawuhan Allah teh, nya eta:

Turunan anjeunna baris nyiruruk di


tanah deungeun, dibudakkeun, sareng
dikakaya ku eta bangsa salami opat
ratus taun.
7 Tapi bangsa anu nganiayana, moal

henteu dihukum ku Kami; saterusna,


maranehna bakal budal ti pangumbaraan
baris babakti ka Kami di ieu tempat.
8 Ibrahim, ku Allah, dipaparin sarat

sunat. Kitu nu mawi saparantos anjeunna


KISAH PARA RASUL 7.9–14 34
puputra Isak, putrana oge dina yuswa
dalapan dinten disepitan. Isak puputra
Yakub, Yakub puputra dua belas urang,
anu jadi luluhur urang sadaya.
9 Luluhur-luluhur urang sirik dengki

ka Yusup, raina. Yusup dijual ka Mesir,


nanging Yusup diaping ku Allah.
10 Ahirna, Yusup dikersakeun leupas

tina kabalangsakan tur mendak kurnia


sareng dikersakeun pinter wijaksana di
payuneun Piraon raja Mesir. Ku Piraon
dijenengkeun raja anom, ngurus nagri
Mesir sareng saeusi karaton.
11 Salajengna, timbul bahla kalaparan

di sakuliah Mesir sareng tanah Kanaan,


anu tigeratna, nepi luluhur karuhun
urang teu mendak pisan bahan tedaeun.
12 Aya wartos ka Yakub yen di Mesir

aya gandum; lajeng Yakub ngajurung


karuhun urang ka ditu; eta teh, iangan
anu ngawitan.
13 Dina iangan kadua kalina, aranjeunna

ditepangan ku Yusup anu ngenalkeun


anjeun, dugi ka Piraon uningaeun kana
asal-usul Yusup.
14 Yusup ngangkir Yakub, ramana, ka

Mesir katut wargi-wargina; sadayana


aya tujuh puluh lima jalmi.
KISAH PARA RASUL 7.15–22 35
15 Yakub jengkar sareng matuh di Mesir.
Anjeunna, kitu deui karuhun-karuhun
urang, parupusna di Mesir.
16 Nanging dikurebkeunana mah di

tanah Sekem, di hiji pajaratan kenging


ngagaleuh Ibrahim ti anak ki Hemor
urang Sekem.
17 Beuki caket kana laksanana jangji

Allah ka Ibrahim tea, bangsa urang di


Mesirna wuwuh jembar;
18 tug, dugi ka jumenengna raja Mesir

anu anyar, anu sama sakali henteu


uningaeun ka Yusup.
19 Eta raja, ngatur tipu daya pikeun

ngagencet bangsa urang. Karuhun urang


diteungteuinganan, orok-orok bangsa
urang diparentah kedah dipiceun,
supados bangsa urang ulah ngarekahan.
20 Nya dina jaman eta, Musa

dibabarkeun; kasepna teh kabina-bina.


Dirorokna di bumi ibu ramana teh mung
kenging tilu sasih, teras bae dipiceun.
21 Saparantos dipiceun, Musa, dipulung

ku putri Piraon, tuluy diasuh sareng


diasih lir ka putra ku anjeun.
22 Ku putri, Musa, dipiwarang dididik

sareng diwulang elmu panemu urang


KISAH PARA RASUL 7.23–29 36
Mesir, nepi ka perceka, pinter nyarita,
sarta ageung pangaruhna.
23 Musa, dina yuswa opat puluh taun,

jorojoy kahoyongna maluruh kaayaan


dulur-dulur sabangsana, bangsa Israil.
24 Hiji waktos, anjeunna ningali urang

Israil anu dipahala ku urang Mesir,


enggal dibelaan, ku jalan urang Mesirna
dipaehan.
25 Dina panggalihna, tangtos dulur-

dulur sabangsa teh baris ngartos yen


anjeunna dikersakeun ku Allah pikeun
nyalametkeun bangsana; nanging
panggalihna mencog.
26 Enjingna deui, anjeunna ningali urang

Israil duaan garelut, enggal disapih


saurna, ‘Dulur-dulur, ku naon garelut
silih pahala pada bangsa?’
27 Nanging ku anu saurang, nya eta

anu lepat tea, Musa disuntrungkeun bari


sanggemna:
28 ‘Na saha anu ngangkat anjeun jadi

kapala jeung hakim urang! Rek maehan


deuih, ka kuring, cara kamari maehan
urang Mesir?’
29 Kenging walonan kitu Musa enggal

kabur, nyiruruk di tanah Midian. Di


dinyana puputra dua, lalaki sadayana.
KISAH PARA RASUL 7.30–35 37
30 Heuleut opat puluh taun, anjeunna
ningali malaikat nembongan di Gunung
Sinai, di tegal keusik, dina seuneu
hurung anu ngagedur dina rungkun
cucuk.
31 Atuh kalintang heraneunana. Lajeng

nyaketan hoyong nyidikkeun, nanging


aya gentra Pangeran, dawuhana-Na:
32 ‘Kami teh Allah nu disembah ku

karuhun maneh, nya eta Allah nu


disembah ku Ibrahim, Isak, jeung
Yakub.’ Musa dugi ka ngadegdeg sareng
teu wantuneun ningali.
33 Allah nimbalan deui, ‘Laan tarumpah

maneh sabab tempat anu ditincak ku


maneh teh, suci.
34 Kami nyaho pisan yen kaayaan umat

Kami di Mesir teh balangsak; Kami ge,


geus ngadenge rarumahuhna. Ayeuna
Kami turun rek ngaleupaskeun. Ku sabab
eta, hiap, maneh rek diutus ka Mesir.’
35 Musa, anu ku jelema kantos ditolak

ku omongan, ‘Na saha anu ngangkat


anjeun jadi pamingpin jeung hakim teh?’
Nanging ku Allah, anjeunna anu diutus
jadi pamingpin jeung anu ngaleupaskeun
bani Israil; kalayan pitulung malaikat
anu tembong tina rungkun cucuk tea.
KISAH PARA RASUL 7.36–41 38
36 Nya anjeunna anu mingpin budalna
urang Israil, ku jalan ngayakeun tanda-
tanda sareng kaahengan-kaahengan di
Mesir, di Laut Kolsum, sareng di tegal
keusik salami opat puluh taun.
37 Nya anjeunna oge, anu ngalahir yen,

‘Maraneh ku Gusti Allah bakal dibere hiji


nabi anu saperti kami, asal ti maraneh
keneh.’
38 Nya anjeunna keneh, anu sasauran

dina pajemuhan di tegal keusik, jadi


perantara antawis karuhun urang
sareng malaikat anu ngalahir di Gunung
Sinai tea. Nya anjeunna anu ngemban
dawuhan-dawuhan, pangandika anu
hurip nu baris ditepikeun ka aranjeun.
39 Nanging ku karuhun urang henteu

diturut, anjeunna ditolak; karuhun urang


anggur malik tibelat ka Mesir.
40 Salajengna, maranehna meredih ka

Harun, ‘Cik pangdamelkeun arca-arca


aallahan pikeun lulugu urang; margi
Musa, anu ngabudalkeun urang ti Mesir
teu sumping-sumping, duka katarajang
naon.’
41 Nya lajeng maranehna ngadamel

hiji arca anak sapi tea; teras si berhala


KISAH PARA RASUL 7.42–46 39
bubuatanana sorangan teh, disasajenan
sareng dipuja-puja.
42 Kitu nu mawi, lajeng ku Allah

ditilar, diantep sina nyarembah ka


dangiang-dangiang, cocog sareng anu
kaserat dina kitab nabi-nabi: ‘Na osok
maraneh, sajero opat puluh taun di
gurun alas mere pangbakti atawa kurban
peuncitan ka Kami, eh, bani Israil?
43 Tara! Maraneh anggur mamawa

tempat si Molok jeung bebentangan


dewa Repan! Sesembahan maraneh
arca. Ku sabab eta maraneh ku Kami
baris dibuang ka beh ditueun tanah
Babul.’
44 Di karuhun urang, di gurun alas, aya

Kemah Suci anu dipidamelna numutkeun


pituduh Allah ka Musa.
45 Nalika ngarebut ieu tanah, ti bangsa

lian anu diusir ku Allah ti hareupeun


karuhun, dina pingpinan Yosua; eta
Kemah teh ngiring dibantun ka ieu
tanah, tug dumugi ka jaman Daud.
46 Daud, anu ginuluran rahmat kurnia

Allah, mundut diwidian ngadegkeun


wangunan kanggo panglinggihan Allah
nu disembah ku Yakub.
KISAH PARA RASUL 7.47–53 40
47 Nanging Sulaeman, anu
kalaksanakeun ngadegkeunana
mah.
48 Nanging Anu Maha Agung mah

tangtos moal linggih di tempat kenging


nyieun jalmi, sakumaha saur nabi:
49 ‘Singgasana Kami teh, langit;

sedengkeun tatapakan suku Kami, nya


eta bumi. Imah nu kumaha, nu ku
maneh rek dijieun pikeun Kami?’ —
timbalan Pangeran — ‘atawa tempat nu
kumaha pikeun Kami reureuh teh?
50 Eta sakabeh, naha lain beunang

leungeun Kami?’”
51 “Aranjeun teh bangsa bedegong, hate

jeung ceuli teu disunat, teu diberesihan.


Sapapanjangna ngalawan ka Ruh Allah,
saruana jeung nu jadi karuhun.
52 Nabi mana anu henteu dikaniaya

ku karuhun aranjeun? Sadayana


dipaehan, oge iber-iber anu ngiberan
pisumpingeunana Sampurnaning Manusa
teh, ku aranjeun dihianat tug dumugi ka
dipaehan pisan.
53 Kalayan jalan anu aheng aranjeun

dipaparin kitab Toret, katampina ti


panangan para malaikat, nanging ku
aranjeun teu dipake!”
KISAH PARA RASUL 7.54 –8.1 41
54 Barang anggota-anggota Mahkamah
Agama ngadarenge omongan sarupa
kitu, mani ngagalidir awakna bari
tikekereket.
55 Ari Stepanus, anu pinuh ku Ruh

Allah, tanggah ka langit; breh ningal


kamulyaan Allah jeung Isa ngadeg di
tengeneun Allah.
56 Pok sasauran, “Tuh, simkuring ningal

langit muka. Putra Manusa katingal nuju


ngadeg di tengeneun Allah!”
57 Dijawab ku nu tingsaroak bari

nyarocokan ceuli, breg bae anjeunna


diambreg;
58 tuluy anjeunna disered ka luareun

kuta; geus kitu, maranehna pada


maledogan, ka anjeunna, ku batu. Nu
keur narapsu teh, maruka jubahna;
suk-sok, jarubahna teh, diteundeunan
deukeut hiji budak ngora ngaran Saulus.
59 Stepanus sasambat, “Nun Isa, Gusti

Jungjunan simabdi, mugi tampi nyawa


abdi.”
60 Bari sideku anjeunna ngagero, “Nun

Gusti Pangeran, ieu jalmi-jalmi teh mugi


dihampura!” Geus kitu les bae lastari.
1 Ari Saulus, dina hatena, pohara

8 panujuna Stepanus dipaehan teh. (8-


KISAH PARA RASUL 8.2–7 42
1b) Ti semet harita, jamaah di Yerusalem
teh nandangan panganiayaan anu pohara
hebatna. Anggota-anggotana, iwal ti
rasul-rasul mah, jadi pabalencar ka
wilayah-wilayah Yudea jeung Samaria.
2 Layon Stepanus dipulasara ku anu

saraleh kalawan hate anu pohara


nalangsana.
3 Ari Saulus, terus bae nguwak-ngawik

boga niat numpes jamaah; awewe lalaki,


ku manehna, disaksrak ka saban imah
terus diseredan diasup-asupkeun ka
pangbuian.
4 Ari anggota-anggota anu geus mencar

tea mah, ngasruk ka ditu ka dieu


ngawawarkeun Injil.
5 Aya hiji kota di Samaria anu

didatangan ku Pilipus; terus anjeunna


oge, ngawanohkeun Al Masih ka urang
dinya teh.
6 Urang dinya saregep pisan

ngabandungan; pituturna anu diwuwuh


ku ngayakeun tanda-tanda ajaib jeung
mujijat-mujijat ditarima kalawan hate
anu buleud.
7 Karana loba jelema-jelema anu

diraksuk ku roh-roh jahat, dicageurkeun;


roh-roh jahatna, nyalingkir bari
KISAH PARA RASUL 8.8–14 43
tingjarerit; nu lalumpuh jeung nu dareog
oge, dicalageurkeun;
8 pohara matak bungahna ka urang

dinya.
9 Di dinya aya hiji jelema ngaranna

Simon, anu ngakukeun jalma pinunjul


pedah bisa nyieun sihir anu matak
bengong; manehna jadi tukang sihir teh
geus lila.
10 Urang dinya, ti nu pangluhurna

nepi ka nu panghandapna, kacida


mupunjungna; nyarebutna oge:
“Jelema anu kasinungan ku kaagungan
kakawasaan Allah.”
11 Geus lila pisan maranehna keuna

ku pangaruh eta jelema teh, nya eta


lantaran ku sihirna tea.
12 Tapi sanggeus ku Pilipus diwawaran

Injil Al Masih nepi ka palercayana;


maranehna, awewe lalaki kabeh
dibaptis.
13 Simon oge percaya sarta sanggeus

dibaptis manehna jadi embung pisah ti


Pilipus. Nenjo kaahengan-kaahengan
jeung mujijat-mujijat teh, manehna bati
heran bae.
14 Beja yen tanah Samaria geus narima

kana pangandika Allah geus nepi ka


KISAH PARA RASUL 8.15–21 44
rasul-rasul di Yerusalem; tuluy Petrus
jeung Yahya diutus ka ditu.
15 Sasumpingna, aranjeunna neneda,

nyuhunkeun supaya urang dinya


pada-pada ginanjar Ruh Allah.
16 Sabab harita mah, Ruh Allah acan

turun ka saurang-urang acan di Samaria


teh. Maranehna kakara dibaptis ku
pajenengan Isa bae.
17 Sabada ku anu duaan ditarumpangan

panangan, kakara maranehna ginanjar


Ruh Allah.
18 Barang katenjo ku Simon yen

Ruh Allah bisa katarima ku jalan


numpangkeun leungeun; seug bae,
manehna teh ngahaturan duit ka
rasul-rasul,
19 bari pokna, “Abdi oge hoyong gaduh

kabisa kitu, tiasa nurunkeun Ruh Allah


ka saha bae anu ku abdi ditumpangan
leungeun.”
20 Tapi saur Petrus, “La'nat eta duit

teh, kitu deui anjeun! Naha panyangka


anjeun kurnia Allah teh beunang dibeuli
ku duit?
21 Pamohalan anjeun meunang bagian

atawa hak dina ieu perkara, sabab


KISAH PARA RASUL 8.22–27 45
bengkok sembah enggoning ibadah ka
Allah.
22 Leuwih hade anjeun buru-buru tobat,

ulah tonggoy dina kajahatan. Buru-buru


anjeun sasambat ka Pangeran, malah
mandar eta pikiran anu sakitu gorengna
teh dihampura ku Anjeunna.
23 Sabab kaimplengna anjeun teh badis

hamperu, pait ku dengki jeung kajiret ku


dosa pasirikan!”
24 Simon terus tomada pokna,

“Nyuhunkeun dipangnedakeun bae ka


Pangeran, mugi-mugi diri abdi ulah cios
katarajang nasib anu bieu disaurkeun ku
bapa.”
25 Sanggeus maparin panyaksen jeung

ngawurukkeun pangandika Allah, Petrus


jeung Yahya marulih deui ka Yerusalem
bari sajajalan ngawawarkeun Injil di
kampung-kampung wilayah Samaria.
26 Kakocapkeun, Pilipus didawuhan

ku malaikat Pangeran, saurna, “Geura


leumpang ngajugjug ka kidul, make
jalan anu mudun ti Yerusalem ka Gasa,
anu tiiseun tea.” Pilipus tumut, bral
miang.
27 Harita, aya hiji mantri jero urang

Etiopi, nya eta ponggawa anu ngurus


KISAH PARA RASUL 8.28–34 46
harta kakayaan ratu Sri Kandasi, ratu
nagara Etiopi; anjeunna teh tas ti
Yerusalem ngalakonan ibadah.
28 Ayeuna, anjeunna teh eukeur di jalan

seja mulih, tunggang kareta bari ngaos


kitab Nabi Yesaya.
29 Saur Ruh ka Pilipus, “Tuh

sampeurkeun, deukeutan karetana!”


30 Sanggeus disampeurkeun, ku Pilipus

kakuping, anjeunna keur ngaos kitab


Nabi Yesaya tea; tuluy bae ku Pilipus
teh ditaros, “Kumaha kahartos nu diaos
teh?”
31 Waler mantri jero bari ngajak Pilipus

unggah kana kareta, “Bade ngartos


kumaha margi teu aya anu nerangkeun.”
32 Ayat anu diaosna teh kieu: ‘Lir domba

anu ditungtun ka pameuncitan, jeg


anak domba diguntingan buluna teu
kecet-kecet: Anjeunna mindel, sakecap
teu kedal saur.
33 Sajeroning nandangan panghina,

Anjeunna ditibanan hukuman. Saha anu


seja ngaguar asal-usul-Na? Nyawana
lastari dicabut ti dunya.’
34 Saur mantri jero, “Anu bade

ditaroskeun teh eta anu dimaksad ku


KISAH PARA RASUL 8.35 –9.1 47
nabi tea: Saha? Salirana ku anjeun
atanapi anu lian?”
35 Barabat ku Pilipus diterangkeun nepi

ka Injil Isa, mimiti ti ayat anu bieu tea.


36 Sabot kitu, aranjeunna nepi ka hiji

tempat di sisi cai. Saur mantri jero,


“Kaleresan, eta aya cai. Kumaha moal
aya kaabotan upami simkuring dibaptis?”
37 Pilipus, “Atuh mangga upami

leres-leres percanten mah.” Walerna,


“Kantenan, percanten pisan: Isa teh
Putra Allah.”
38 Reg karetana dieureunkeun, crub

duanana, nya eta Pilipus jeung anjeunna


ancrub ka cai; tuluy anjeunna dibaptis
ku Pilipus.
39 Pilipus mah, barang hanjat ti cai, teu

katingal deui ku mantri jero lantaran


digaibkeun ku Ruh Pangeran. Ti dinya,
mantri jero, terus ngalajengkeun
perjalanan bari pinuh ku kabingahan.
40 Ari Pilipus terang-terang geus

aya di daerah Asdod, terus kebat


lalampahanana bari ngawawarkeun Injil
sapanjang jalan nepi ka nagara Kesarea.
1 Sajeroning kitu, Saulus beuki

9 ngentab bae hatena; manehna


KISAH PARA RASUL 9.2–8 48
hayang ngabasmi murid-murid Gusti
Jungjunan urang, nepi ka musna.
2 Manehna geus meunang surat kawasa

ti Imam Agung pikeun tembongkeuneun


ka Majelis-majelis Yahudi, eusina: Idin
newakan jelema-jelema anu ngalakonan
Jalan Lempeng Jungjunan urang, saha
bae boh lalaki, boh awewe kudu digusur
ka Yerusalem.
3 Waktu keur ngajugjug kota Damsik,

barang manehna geus rek nepi,


dumadakan manehna katojo ku cahaya
anu moncorong ti langit.
4 Blug bae, manehna ngagebut kana

taneuh; terus aya soara anu nyebut


ngaranna, “Saulus, Saulus! Kaniaya
temen maneh ka Kami!”
5 Saulus nyoara, “Saha eta anu

sasauran teh?” Soara, “Kami Isa, anu


dikaniaya ku maneh tea.
6 Geura hudang, tuluykeun asup ka jero

kota teh, engke ku Kami dituduhan kudu


kumaha nya pilampaheun maneh teh.”
7 Babaturanana mah bati tingpolongo

bae, da ku maranehna oge kadarenge


soara teh tapi jirimna mah teu aya.
8 Korejat, Saulus hudang, terus

nangtung. Barang beunta bet manehna


KISAH PARA RASUL 9.9–14 49
teu bisa nenjo naon-naon; atuh
kapaksa, manehna kudu ditungtun ku
babaturanana ka jero kota Damsik teh.
9 Meunang tilu poe manehna teu bisa

nenjona teh, nya bari henteu kararaban


cai-cai acan.
10 Di Damsik teh aya hiji murid Gusti

Jungjunan urang, ngaranna Ananias.


Ditimbalan ku Gusti Jungjunan urang,
dina tetenjoan, dawuhana-Na, “Ananias!”
Ananias ngawangsul, “Nun, ieu abdi!”
11 Dawuhana-Na deui, “Ka ditu

leumpang ka imah Yudas di Jalan


Lempeng, tanyakeun jelema anu ngaran
Saulus urang Tarsus, ayeuna manehna
keur neneda.
12 Ku Kami geus dibere tetenjoan yen

bakal kadatangan jeung ditumpangan


leungeun ku nu ngaran Ananias anu
ngalantarankeun panonna baris awas
deui bisa nenjo cara sasari.”
13 Wangsul Ananias, “Gusti Jungjunan

simabdi, eta jalmi teh seueur pisan


kawartoskeunana yen kalintang jahatna
ka umat suci, kagungan Anjeun di
Yerusalem.
14 Dongkapna ka dieu oge nganggo

surat kawasa ti imam-imam kapala,


KISAH PARA RASUL 9.15–19 50
bade newakan sugri anu sumambat ka
pajenengan Gusti Jungjunan simabdi.”
15 Tapi saur Gusti Jungjunan urang,

“Jung bae teang; sabab ku Kami geus


dijadikeun pangbantu pikeun ngemban
ngaran Kami ka bangsa-bangsa sejen
katut raja-rajana jeung ka bani Israil.
16 Memang, Kami pribadi seja mere

nyaho ka manehna yen manehna


baris nandangan sangsara anu pohara
lantaran ngemban ngaran Kami.”
17 Bral Ananias indit, sup ka imah Yudas;

tuluy anjeunna numpangkeun leungeun


ka Saulus bari nyarita kieu, “Saderek
Saulus, simkuring teh dipiwarang
nepangan ku Gusti Jungjunan simkuring,
nya eta Isa, — anu nembongan ka
saderek di tengah jalan tea — supaya
saderek tiasa deui ningal sareng ginanjar
Ruh Allah.”
18 Sapada harita keneh, lir aya lamad

anu coplok tina panonna; jadi, manehna


bisa deui nenjo; tuluy manehna
nangtung geus kitu terus dibaptis.
19 Di Damsik, Saulus nganjrek

sababaraha lila reureujeungan jeung


murid-murid.
KISAH PARA RASUL 9.20–25 51
20 Malah geus mimiti medarkeun hal
Isa di tempat-tempat ibadah; anjeunna
nerangkeun yen Isa teh Putra Allah.
21 Atuh anu ngadarengena teh

hareraneun pisan, aromongna, “Eta teh


lain anu jahat kabina-bina tea ka urang
Yerusalem anu marupunjung ngaran
Isa? Ka dieuna teh lain ngahaja rek
nyangkalak anu karitu serenkeuneun ka
imam-imam kapala?”
22 Tapi pangaruh Saulus teh, beuki

tambah-tambah bae. Anjeunna


ngahariwangkeun urang Yahudi anu
di Damsik lantaran teu asa-asa
ngayakinkeun yen Isa teh Al Masih.
23 Teu lila ti harita, urang Yahudi sakait

rek maehan Saulus.


24 Tapi maksud jahat maranehna,

kanyahoan manten terus dibejakeun ka


Saulus. Anu ngararahna, nya eta pikeun
maehan anjeunna, beurang peuting
megat Saulus ku jalan ngajaraga lawang
kuta.
25 Tapi dina hiji peuting, Saulus bisa

diloloskeun ku murid- murid, nya eta ku


jalan diulur dina karanjang tina tembok
kuta.
KISAH PARA RASUL 9.26–31 52
26 Sanggeus aya di Yerusalem, Saulus
nyampeurkeun ka murid- murid. Tapi
maranehna sarieuneun, teu ngandel
yen manehna geus jadi murid Gusti
Jungjunan urang.
27 Tapi Barnabas mah, daekeun

narima anjeunna. Tuluy anjeunna


dibawa ka rasul-rasul, bari diunjukkeun
lalakonna ningal Gusti Jungjunan
urang, keur waktu di tengah jalan tur
ngadenge gentra-Na. Oge diunjukkeun
wawanenna, basa di Damsik, teuneung
ludeung biantara ngemban pajenengan
Isa.
28 Saterusna, Saulus jeung aranjeunna

ngider ka sakuliah Yerusalem. Anjeunna


teu inggis-inggis, biantara ngemban
pajenengan Gusti Jungjunan urang.
29 Jaba ti kitu, anjeunna oge tara

inggis-inggis sual jawab jeung urang


Yahudi anu ngagunakeun basa Yunani,
nepi ka diarah- arah patina.
30 Barang kanyahoan yen anjeunna

keur diarah-arah, ku anggota- anggota


jamaah disilibkeun ka Kesarea; ti dinya,
terus anjeunna teh, dicandak ka Tarsus.
31 Ti semet harita, pikeun sawatara

lilana, jamaah-jamaah di sakuliah Yudea,


KISAH PARA RASUL 9.32–36 53
Galilea, jeung Samaria bisa nyeunghap
aya dina katengtreman. Jamaah teh,
ngadeg jeung hirupna aya dina rasa wedi
asih ka anu jadi Gustina. Bilanganana
oge beuki jembar bae ku lantaran
pangdeudeul jeung panglilipurna Ruh
Allah.
32 Sajeroning kitu, Petrus angkat ngider

ka daerah-daerah sarta nyimpang ka


murid-murid Gusti Jungjunan urang, nu
matuh di Lida.
33 Di dinya, anjeunna mendakan hiji

jelema anu lumpuh geus dalapan taun


ngagoler bae di enggon, ngaranna
Eneas.
34 Saur Petrus ka Eneas, “Eneas, anjeun

tangtu cageur ku pitulung Isa Al Masih.


Geura hudang, enggonna benahan.”
Sapada harita keneh, Eneas ngorejat
hudang.
35 Urang Lida jeung urang Saron barang

nyaho Eneas cageur, tuluy bae aranut ka


Gusti Jungjunan urang.
36 Kacatur, di Yopa aya hiji murid wanita

ngaranna Tabita, ari dina basa Yunani


mah, ngaran Dorkas (hartina: Uncal);
wanita ieu teh, resep kana tutulung
resep mere sidekah.
KISAH PARA RASUL 9.37–41 54
37 Brek bae, Tabita teh gering malah
nepi ka hanteuna. Meunang ngamandian,
mayitna, dipernahkeun di loteng.
38 Ku sabab Yopa teu jauh ti Lida,

murid-murid tarerangeun yen Petrus


keur aya di Lida. Tuluy murid-murid
teh nitahan duaan ngangkir anjeunna,
supaya enggal-enggal sumping ka Yopa.
39 Sanggeus tarapti, bral Petrus angkat

gagancangan bareng jeung nu ngangkir.


Sanggeus sumping, Petrus terus ka
kamar mayit; anjeunna dituturkeun
ku randa-randa anu bari tingsalegruk
ngunjukkeun rupa-rupa pakean beunang
nyieun marhumah Dorkas.
40 Tapi ku anjeunna, dipiwarang

kalaluar. Geus kitu, brek anjeunna


sideku, ngadu'a. Saterusna, anjeunna
mayun ka lebah mayit bari saurna,
“Tabita, geura hudang!” Nyah mayit
teh beunta; waktu panonna ngagiler
ka Petrus, eta wanita, tuluy cengkat
nyanghunjar.
41 Ku Petrus dituyun leungeunna

dibantuan nangtung. Geus kitu umat-


umat suci jeung randa-randa teh
disalaur, sina narepungan ka Tabita anu
geus hirup deui.
KISAH PARA RASUL 9.42 – 10.6 55
42 Eta kajadian terus sumebar ka
sakuliah Yopa, ngalantarankeun loba
pisan anu tuluy aranut percaya ka Gusti
Jungjunan urang.
43 Meunang sababaraha poe Petrus

nganjrek heula di Yopa, di imah ki Simon


tukang ngawidang kulit.
1 Di nagri Kesarea, aya hiji opsir

10 pasukan Itali, ngaranna Kornelius.


2 Anjeunna teh hade lampah jeung getol

tapakur; anjeunna, sakulawarga, ajrih


ka Allah jeung mindeng mere derma ka
bangsa Yahudi.
3 Dina hiji sore, kira-kira wanci pukul

tilu, aya malaikat nembongan ka


anjeunna, bari nyaur, “Kornelius!”
4 Sieun-sieun oge Kornelius ngawalon

bari neuteup, “Aya pikersaeun naon,


Gusti?” Waler malaikat, “Do'a paneda
maneh geus tepi ka hadirat Allah jeung
geus meunang sapaat-Na.
5 Geura nitahan jelema ka kota Yopa,

angkir jalma anu ngaran Simon anu


katelah Petrus.
6 Ayeuna, anjeunna keur aya di imah

tukang ngawidang kulit ngaran Simon


keneh, pernahna di sisi laut.” Geus kitu
malaikat teh mulih.
KISAH PARA RASUL 10.7–14 56
7 Gancangna Kornelius nyalukan
bujangna duaan jeung hiji serdadu anu
geus kadeuheus.
8 Maranehna diparentah ka Yopa,

harita keneh, sanggeus dibejaan naon


kaperluanana.
9 Poe isukna, waktu jurungan geus

deukeut ka kota, Petrus unggah ka


loteng — anu aya di hateup imahna nu
papak — seja tapakur.
10 Bet ngadadak anjeunna ngaraos

lapar. Tapi sabot disadiakeun, leng bae


pana ku pangawasa ilahi.
11 Anjeunna ningal langit muka sarta

katenjo aya nu jiga lawon rubak, —


anu ditalian dina kaopat juruna —
diturunkeun nepi kana taneuh.
12 Eusina lawon teh, nya eta rupa-rupa

sato boh bangsaning suku opat, boh nu


ngarayap, jeung bangsa manuk oge.
13 Ngong aya soara kieu, “Geura

hudang, Petrus! Heug peuncit, heug


dahar eta sato teh!”
14 Waler Petrus, “Palias Gusti! Abdi mah

tara neda barang haram atanapi anu


najis.”
KISAH PARA RASUL 10.15– 22 57
15 Ngong deui soara, “Anu geus
dihalalkeun ku Allah, ku maneh teu
meunang diharamkeun.”
16 Kitu jeung kitu bae, nepi ka tilu

balikan. Geus kitu, eta barang teh,


gancang bae dipulut deui ka langit.
17 Petrus mikiran, hal eta teh, naon

pihartieunana. Sabot kitu, jurungan


Kornelius geus narepi, nya eta araya di
hareupeun panto, bari maluruh,
18 “Leres kitu, bapa Simon anu katelah

Petrus teh di dieu calikna?” carek


maranehna ka hiji jelema di dinya.
19 Ari Petrus masih keneh mikiran

titingalanana tea. Tuluy Ruh nimbalan


ka anjeunna, “Tuh, aya nu nareangan
duaan.
20 Buru-buru tepungan ku maneh, ka

handap; tuluy maneh kudu milu jeung


maranehna. Lian ti eta, maneh ulah
rumegag sabab ka darieuna teh dititah
ku Kami.”
21 Jut, Petrus turun nepungan. “Ieu

bapa,” saurna, “aya naon anu diseja?”


22 Jurungan ngawalon, “Nu mawi,

ngadeuheus teh ngemban piwarangan


Kornelius, opsir anu luhur budi. Anjeunna
disumpingan malaikat anu ngemban
KISAH PARA RASUL 10.23– 28 58
pidawuh Allah, dipiwarang ngangkir
bapa ka bumina; anjeunna seja ngalap
piwulangna bapa.”
23 Semah ku Petrus diaku sina

mareuting di anjeunna. Poe isukna, bral,


anjeunna miang jeung nu ngangkir,
dibarengan ku sawatara urang Yopa anu
saiman.
24 Isukna, anjeunna sabatur-batur

geus aranjog ka Kesarea, nya keur


meujeuhna diarep-arep ku Kornelius nu
geus ngangkiran sanak baraya jeung
sobat-sobatna.
25 Gancang-gancang Petrus ku Kornelius

diboro, terus disembah bari sideku.


26 Tapi ku Petrus, geuwat bae anjeunna

diajak nangtung. Saurna, “Ngadeg bae,


bapa mah jalma biasa.”
27 Sup, aranjeunna arasup bari cacarios

pikeun nepungan anu di jarero imah.


28 Saur Petrus ka pribumi, “Dulur-dulur

aruninga yen urang Yahudi henteu pisan


kenging gaul atanapi natamu ka anu
sanes Yahudi deui. Tapi bapa parantos
diisaratan ku Allah, dawuhana-Na, ‘Poma
ulah nganggap najis atawa haram ka
pada jalma.’
KISAH PARA RASUL 10.29– 34 59
29 Atuh waktu diteang teh, bapa henteu
rumegag deui; teras bae bapa ka
dieu. Ayeuna bapa seja tumaros, naon
pasejaanana neang bapa teh?”
30 Waler Kornelius, “Opat dinten

kalangkung, kinten-kinten wayah kieu,


— tabuh tilu sonten — abdi teh tapakur.
31 Jleg, aya malaikat ngadeg hareupeun.

Panganggona murub mubyar. ‘Kornelius,’


saurna, ‘do'a paneda maneh geus
tepi ka hadirat Allah; kitu deui amal
sidekah maneh, geus meunang sapa'at
di payuneuna-Na.
32 Geura nitahan jelema ka Yopa, angkir

Simon anu katelah Petrus, anu keur aya


di imah tukang ngawidang kulit ngaran
Simon keneh, anu pernahna di sisi laut.’
33 Enggal-enggal abdi ngajurungan

rencang ka bapa. Hatur nuhun, bapa


parantos luntur manah kersa sumping.
Ieu anu karempel di payuneun Allah,
sadayana ngajeng-ngajeng pisan sumeja
ngarupingkeun dawuhan Allah anu
diemban ku bapa.”
34 Pok, Petrus muka carita, saurna,

“Ayeuna ku bapa kaharti, yen mungguh


Allah mah teu ngabeda-beda umat.
KISAH PARA RASUL 10.35– 39 60
35 Unggal jalma, bangsa naon bae, anu
ajrih ka Anjeunna jeung ngamalkeun
kahadean, tangtos baris diangkeun.
36 Hal ieu teh, — Dawuhan Anjeunna

tea — kudu ditepikeun ka bani Israil, nya


eta pangandika anu mawa katengtreman
jiwa ku karana Isa Al Masih nu jadi
Gustining sakumna jalma.
37 Saderek-saderek oge, tangtos

aruninga kana kajadian-kajadian di


tanah Yudea anu diawitanana di Galilea,
sanggeus diayakeun baptisan nu
diembarkeun ku Yahya.
38 Hal ieu teh, nya ngeunaan Isa Al

Masih, — urang Nasaret tea — anu


parantos diistrenan ku Allah, ku jalan
maparin Ruh Allah sarta kakawasaan.
Lajeng, Anjeunna teh ngider bari
ngamalkeun kahadean jeung nyageur-
nyageurkeun sakur anu digenggem
ku kawasa Iblis. Sabab Anjeunna,
disarengan ku Allah.
39 Nya bapa sapara kanca anu geus

nyaraksian kana sakur padamelana-Na,


tug, nepi ka pupus-Na pisan; Anjeunna
diperlaya ku urang Yahudi, nya eta ku
jalan digantung dina tihang gantungan.
KISAH PARA RASUL 10.40– 45 61
40 Nanging dina poe anu katilu, Isa teh
ku Allah digugahkeun deui tina pupus-Na
sarta diwidian nembongan.
41 Sanajan kitu, nembongana-Na teh,

henteu ka sadayana. Tapi ngan ukur ka


saksi-saksi-Na bae, — anu ti samemehna
keneh parantos ditangtoskeun ku Allah,
nya eta ka bapa sapara kanca — anu
kungsi dahar nginum jeung Anjeunna
sanggeus Anjeunna digugahkeun deui ti
antara anu geus maraot.
42 Bapa sapara kanca, ku Anjeunna,

dipapancenan kedah mere embaran


sareng panyaksen ka bangsa sakumna;
yen Anjeunna teh, ku Allah parantos
dijenengkeun Hakimna sakumna jalma,
boh anu harirup keneh, boh anu geus
maraot.
43 Kitu oge, Nabi-nabi, sadayana sami

maparin panyaksenna tina perkawis


salira Anjeunna, nya eta sing saha anu
percaya ka Anjeunna bakal dihampura
dosana ku karana pajenengana-Na.”
44 Sabot Petrus cacarios, Ruh

Allah lungsur ka nu keur karumpul


ngabarandungan.
45 Pangiring Petrus ti Yopa, nya eta

rencang-rencangna anu saiman ti


KISAH PARA RASUL 10.46 –11.3 62
golongan anu disunat, bati arolohok;
pamikirna, geuning bangsa sejen oge
sarua ginuluran Ruh Allah.
46 Sabab sajeroning ngamulyakeun

Allah teh, maranehna, cacaritana ku


basa roh.
47 Petrus sasauran deui, “Saupama ieu

dulur-dulur ayeuna marenta dibaptis ku


cai, naha aya anu seja mapalangan?
Margi geus bukti maranehna geus
nararima Ruh Allah sarua jeung
urang-urang!”
48 Geus kitu Petrus ngahaturanan

maranehna, supaya dibaraptis kalawan


pajenengan Isa Al Masih. Sanggeus
kitu, Petrus, ku maranehna diandeg,
nya pikeun sosonoan heula. Di dinya,
anjeunna, meunang sababaraha poe.
1 Yen ayana bangsa sejen anu

11 narima kana pangandika Allah


teh, geus kabejakeun ka rasul-rasul
jeung dulur-dulur sakapercayaan nu
araya di tanah Yudea.
2 Waktu Petrus ngalongok ka Yerusalem,

anjeunna diweweleh ku dulur-dulur ti


golongan anu disunat tea,
3 pokna, “Naha bapa teh kersa

ngasupan imah bangsa nu teu disarunat,


KISAH PARA RASUL 11.4–10 63
malah tuang babarengan jeung golongan
anu karitu?”
4 Tuluy, hal ihwalna teh, ku Petrus

dijentrekeun parele; saurna,


5 “Hiji mangsa, basa bapa keur di Yopa,

sabot sembahyang dumadakan bapa


kabawa ku pangawasa ilahi. Bapa ningal
sarupaning barang anu mangrupa lawon
rubak nu ditalian kaopat juruna. Eta
barang teh, turun nepi ka srogna di
hareupeun bapa.
6 Barang ku bapa ditingali, eusina, nya

rupa-rupa sato, ti bangsa suku opat nepi


ka bangsa nu ngarayap jeung bangsa
manuk.
7 Ngong aya soara, pokna: ‘Geura

hudang, Petrus! Heug peuncit, heug


dahar Eta sato teh!’
8 Cek bapa teh, palias Gusti, sungut

abdi tara pirajeunan kana barang haram


atanapi najis.
9 Tuluy, eta soara ti sawarga teh, ngong

deui: ‘Anu geus dihalalkeun ku Allah, ku


maneh teu meunang diharamkeun.’
10 Kitu jeung kitu bae nepi ka tilu

balikan; sanggeus eta, kakara barangna


dipulut deui ka langit.
KISAH PARA RASUL 11.11– 17 64
11 Waktu eta keneh, wet, aya anu
carunduk tiluan geus di hareupeun panto
imah tempat bapa nganjrek. Sihoreng,
maranehna teh, utusan ti Kesarea.
12 Geus kitu, bapa didawuhan ku Ruh

Allah, saur-Na: ‘Maneh kudu milu jeung


maranehna kalawan ulah rumegag.’ Ka
dituna bapa teh dianteur ku genepan.
Sanggeusna tepi, sarerea asup ka imah
nu ngangkir.
13 Ki pribumi nyaritakeun yen anjeunna

geus kasumpingan malaikat, ngadeg


di imahna. Eta malaikat nimbalan, yen
anjeunna kudu nitahan jelema ka Yopa
pikeun ngangkir Simon anu katelah
Petrus,
14 nu bakal nungtun maraneh

sakulawarga kana jalan pisalameteun.


15 Sabot bapa cacarita di dinya, Ruh

Allah lungsur ka maranehna, kawas ka


urang-urang tea, bareto.
16 Ras bae, bapa inget kana dawuhan

Gusti Jungjunan urang, anu nyaurkeun


yen Yahya mah ngabaptisna ku cai, ari
urang mah bakal dibaraptis teh ku Ruh
Allah.
17 Sabab Allah ku manten, geus

maparinkeun sih kurnia ka maranehna


KISAH PARA RASUL 11.18– 21 65
sarua jeung ka urang bareto, nya eta
basa mimiti percaya ka Isa Al Masih. Atuh
pimanaeun bapa bisa ngahalang-halang
kana pangersa-Na?”
18 Geus kitu mah, anu ngaweweleh

teh laleler; malah antukna mah


ngamulyakeun ka Allah, pokna, “Allah
teu ngabeda-beda ka bangsa deungeun;
lian ti eta, oge maparin kurnia pertobat
nu jadi marganing hirup.”
19 Geus kacatur, ti barang Stepanus

dipaehan para panganut teh dikaniaya,


nepi ka papencar arincah ka mana
mendi. Aya nu nepi ka Penisia, ka
Siprus, jeung ka Antioki oge. Di ditu ge,
maranehna teh tetep bae ngawawarkeun
Injil; sanajan ngan ka papada urang
Yahudi deui oge.
20 Ti antara anu marubus ka Antioki,

aya sawatara urang nu asal ti Siprus


jeung ti Kirena. Maranehna ngabarkeun
Injil oge ka urang Yunani. Ku maranehna
diterangkeun, yen Isa teh Gusti
Jungjunan.
21 Lantaran kabiruyungan ku

pangheuyeukna panangan Gusti


Jungjunan urang, loba pisan jelema anu
jadi percaya sarta aranut ka Anjeunna.
KISAH PARA RASUL 11.22– 28 66
22 Ieu hal, kabejakeun oge ka jamaah
nu di Yerusalem, anu terus ngirimkeun
Barnabas ka Antioki.
23 Barnabas kacida bungaheunana,

sanggeus anjeunna ningal bukti


buah-buahna rahmat Pangeran di eta
tempat. Anjeunna nganasehatan, supaya
maranehna tetep tuhu ka Gusti.
24 Lantaran Barnabas teh jelema hade

budi tur kadeudeul ku Ruh Allah jeung


ku iman, loba jelema anu katarik nepi ka
palercayana ka Gusti Jungjunan urang.
25 Ti Antioki Barnabas terus ka Tarsus

nepungan Saulus. Tuluy Saulus diajak ka


Antioki ku Barnabas.
26 Duanana marukim di jamaah

Antioki, meunang sataun campleng bari


ngawuruk ka jalma rea. Murid-murid
panganut Al Masih teh, nya di Antioki
pisan mimiti disarebut ‘Urang Masihi.’
27 Sajeroning kitu, aya oge nabi-nabi

anu ti Yerusalem ngadongdon ka Antioki.


28 Salah saurang di antarana, ngaran

Agabus. Anjeunna kaserepan ku Ruh,


nyebutkeun yen bakal aya paila hebat
di sakuliah dunya. Naon nu geus
disebutkeun kuanjeunna, bukti; eta
kajadian teh keur jaman Prabu Klaudius.
KISAH PARA RASUL 11.29 –12.6 67
29 Murid-murid baradami rek arudunan,
— gedena kumaha mampuhna masing-
masing bae — pikeun disumbangkeun ka
dulur-dulur nu marukim di Yudea.
30 Prak bae, murid-murid teh arudunan;

tuluy beubeunanganana dipasrahkeun


ka pangurus jamaah di Yudea ku jalan
dipihapekeun ka Barnabas jeung Saulus.
1 Kira-kira dina jaman eta keneh,

12 raja Herodes mimiti nyieun talajak


keras ka sawatara anggota jamaah.
2 Yakobus, lanceukna Yahya tea, ku

anjeunna dipaehan ku pedang.


3 Uninga yen talajakna kitu teh kapake

ku urang Yahudi; kerewek deui bae,


manehna teh nangkep Petrus, nya eta
dina hari raya “Roti Teu Ragian.”
4 Terus, Petrus teh dipanjarakeun sarta

dijaga ku opat regu serdadu, sareguna


opat-opat. Maksudna, sabada Paska
Petrus teh arek dipariksa perkarana
kalawan disaksian ku balarea.
5 Jamaah ngan ukur bisa

mangdo'akeun ka Allah, muga


anjeunna ditangtayungan.
6 Piisukaneun Herodes rek nyerenkeun

Petrus, peutingna, anjeunna kulem teh


dihapit ku dua serdadu sarta dirante
KISAH PARA RASUL 12.7–12 68
dua beulitan. Jaba ti eta, aya serdadu
sejenna deui anu ngajaraga panto.
7 Ujug-ujug, Jleg, aya malaikat ngadeg

deukeut Petrus; kamar jadi hibar ku


cahayana. Petrus digeuingkeun, saurna,
“Geuwat hudang!” Dadak sakala, rante
lesot tina leungeun Petrus.
8 “Buru pake jubah maneh, tuturkeun

kami,” saurna deui.


9 Petrus ngiclik nuturkeun malaikat

ka luar bari asa samar; naha ieu teh


malaikat enyaan atawa titingalan bae.
10 Tempat jaga kahiji jeung kadua geus

kaliwat, jol ka panto beusi, nya eta


gapura anu losna ka kota. Eta panto,
bray, muka ku maneh; bras aranjeunna
ka luar, maraju nepi ka tungtung jalan;
barang nepi ka dinya tuluy, les, malaikat
ngaleungit.
11 Barang emutanana geus jejeg, Petrus

ngagerendeng, “Yakin atuh, mo salah


deui, Gusti geus ngutus malaikat-Na
ngaluputkeun aing tina genggeman raja
Herodes jeung tina angkara murkana
urang Yahudi.”
12 Sanggeus mikir-mikir sakeudeung,

anjeunna terus bae ka imah Maryam,


indungna Yahya Markus. Kabeneran,
KISAH PARA RASUL 12.13– 19 69
di dinya, loba jelema karumpul keur
ngadaro'a.
13 Anjeunna keketrok, tuluy

disampeurkeun ku hiji awewe ngaran


Rode; anjenna teh, disaha-saha.
14 Rode ujug-ujug tenget bae kana

sorana; tapi bawaning ku atoh-atohna,


manehna lain buru-buru muka panto,
anggur ngadon hariweusweus heula ka
anu araya di jero: Petrus cenah anu
keketrok teh.
15 Cek batur-baturna, “Boa ngalindur

maneh mah!” Tapi manehna, keukeuh


ngaenyakeun. Tuluy cek batur-baturna,
“Malaikatna meureun eta mah!”
16 Petrus haben bae keketrok. Barang

panto dibukakeun, gok, maranehna


ngajarenghok karaget.
17 Petrus pepeta ngisarahan ulah

recok, bari pok medarkeun lalakonna


ditulung ku Gusti lolos ti pangbuian.
“Pangbejakeun bae ka Yakobus, kitu
deui ka dulur-dulur sejenna,” saurna bari
terus ka luar deui muru tempat sejen.
18 Isukna, serdadu-serdadu jaga,

raribut silih tanyakeun Petrus;


19 raja Herodes gancang marentahkeun

supaya Petrus diteangan, tapi weleh


KISAH PARA RASUL 12.20– 23 70
teu kapanggih. Ari serdadu-serdadu
jaga sanggeus dipariksa, tuluy bae
maranehna, kabehanana, diparaehan.
Beres eta, sang raja ngantunkeun Yudea,
angkat ka Kesarea sarta linggih di dinya.
20 Hiji mangsa, raja Herodes bendu

pisan ka urang Tirus jeung Sidon.


Sanggeus samupakat, urang Tirus
jeung Sidon teh ngadareuheusan ka
anjeunna. Eta teh sanggeus maranehna
hasil ngawujukan salah saurang pagawe
karaton anu ngaran Blastus, nepi ka
biluk daek ngadeudeul mangmentakeun
pangampura raja. Ari sababna mah,
bahan pangan Tirus jeung Sidon
teh, kacida gumantungna ka wilayah
cangkingan eta raja.
21 Dina hiji waktu anu geus ditetepkeun,

Herodes dangdan, nya eta make anggoan


karajaan; tuluy manehna linggih dina
singgasana sarta ngagalantang ka
rayatna.
22 Rayatna nempas ku surak, majar teh,

“Ieu mah gentra ilahi, lain sora manusa!”


23 Sapada harita keneh, sang raja

digebug ku malaikat Pangeran lantaran


kacida teu hormatna ka Allah. Anjeunna
KISAH PARA RASUL 12.24 –13.4 71
keuna ku panyakit, salirana beak
dihakanan ku bilatung nepi ka pupusna.
24 Ari pangandika Gusti beuki sumebar

bae, kawentar ka jalma rea.


25 Barnabas jeung Saulus marulang

deui, — ti Antioki ka Yerusalem —


sanggeus tugas-tugasna beres, bari
mawa Yahya anu sok katelah oge
Markus.
1 Harita, di jamaah Antioki, aya

13 sawatara nabi jeung guru agama,


nyaeta Barnabas, Simeon anu katelah
Niger, Lukius urang Kirena, Saulus jeung
Menahem anu tadina diurusna bareng
jeung raja Herodes.
2 Dina hiji poe, waktu aranjeunna

nekanan ibadah jeung puasa, Ruh Allah


nimbalan, “Kami menta Barnabas jeung
Saulus sabab maranehna rek dibere
tugas husus anu ditangtukeun ku Kami
pribadi.”
3 Sabada Puasa jeung sembahyang, anu

duaan teh, ku aranjeunna ditarumpangan


leungeun, tuluy dijarurung laku.
4 Kalawan parentah Ruh Allah, Barnabas

jeung Saulus mariang ka Selukia; ti


dinya, aranjeunna balayar ka pulo
Siprus.
KISAH PARA RASUL 13.5–10 72
5 Sadatangna ka tempat nu ngaran
Salamis, aranjeunna, prak bae
ngamimitian ngawawarkeun pangandika
Allah di tempat-tempat ibadah urang
Yahudi; aranjeunna teh dibarengan ku
Yahya Markus, nya eta pikeun babantu.
6 Aranjeunna ngideran eta pulo

nepi ka Pafos. Di dinya, aranjeunna


papanggih jeung hiji urang Yahudi,
ngaran Baryesus; manehna teh, tukang
sihir anu ngaku-ngaku jadi nabi.
7 Eta jelema nyobat jeung Sergius

Paulus, jelema pinter, anu jadi gupernur


di eta pulo. Sang gupernur manggil
Barnabas jeung Saulus; sabab anjeunna,
hayangeun nyaho pangandika Allah.
8 Tapi aranjeunna dihalang-halang ku

Elimas, — ngaran sejenna Baryesus dina


basa Yunani — tukang sihir tea. Sang
gupernur oge dihalang-halang tina niat
ibadahna.
9 Saulus anu harita geus dilandi Paulus

tur kaancikan ku Ruh Allah, mencrong


ka eta jelema.
10 “He, anak setan,” saurna, “gudangna

tipu daya jeung kadurjanaan, satruning


bebeneran, na moal eureun-eureun
KISAH PARA RASUL 13.11– 15 73
maneh teh mengkol-mengkolkeun Jalan
Lempeng pituduh ti Pangeran?
11 Ayeuna rasakeun, maneh pinasti

lolong katiban panangan Pangeran.


Sababaraha poe, lilana, maneh moal
bisa neuleu panonpoe!” Sapada harita
keneh, reup wae, eta jelema ngarasa
poek, asa kakurung ku pepedut; tuluy
manehna uyup-ayap, neangan anu ha'at
daek nunungtun.
12 Nenjo kajadian kitu teh, sang

gupernur terus percaya sarta pohara


ngarasa katajina deuih ku ajaran Gusti
Jungjunan urang.
13 Ti Pafos, Paulus jeung nu duaan deui

balayar ka Perga bawahan Pampilia; tapi


Yahya Markus mah, ti dinya teh, mulang
deui ka Yerusalem.
14 Ti Perga, aranjeunna terus lumaku,

nepi ka jol di Antioki bawahan Pisidia.


Dina poe Sabatna, aranjeuna, sup ka
tempat ibadah terus dariuk.
15 Anggeus maca hukum Toret jeung

kitab Nabi-nabi, pangurus di dinya


nawaran ka aranjeunna, pokna,
“Bilih bade masihan amanat geusan
ngawangun atanapi ngabeberah ka umat
di dieu, mangga dihaturanan.”
KISAH PARA RASUL 13.16– 21 74
16 Jung, Paulus nangtung; tuluy
anjeunna mere isarah ku panangan,
barabat sasauran, “Dulur-dulur bani
Israil, oge aranjeun anu sumujud ka
Allah, simkuring amit sumeja nyarita.
17 Allah nu disembah ku umat Israil

parantos milih karuhun urang sareng


ngajembarkeun eta bangsa sapanjang
ngumbara di Mesir. Panangana-Na anu
digjaya parantos nuyun eta bangsa budal
ti eta nagara.
18 Opat puluh taun, Anjeunna tetep

sabar nangankeun pamolahna eta


bangsa di alas kikisik.
19 Tujuh bangsa anu ngageugeuh

tanah Kanaan, ku Anjeunna ditumpes;


urut tanah wilayahna diserenkeun,
dibagi-bagi, ka eta umat-Na ngajadi
tanah warisan.
20 Kira-kira opat ratus lima puluh taun ti

harita, maranehna, ku Anjeunna dibere


hakim-hakim, — tug — nepi ka jaman
Nabi Samuel.
21 Geus kitu, maranehna marenta raja,

ku Allah diturut; maranehna dibere Saul


bin Kis, ti kaom Binyamin, meunang opat
puluh taun.
KISAH PARA RASUL 13.22– 27 75
22 Saul henteu kaanggo ku Allah; tuluy
eta raja diganti ku Nabi Daud. Ngeunaan
Nabi Daud, Allah parantos ngadawuh:
Kami geus manggih Daud tur matak
panuju, jelema pantes keur nyubadanan
sagala maksud-maksud Kami.
23 Nya ti turunan anjeunna, — cocog

sakumaha anu parantos disubayakeun


Allah — digelarkeun Juru Salametna bani
Israil, nya eta Isa tea.
24 Selang mangsa pisumpingeun

Anjeunna, aya uar pangajak ti Yahya


ka sakumna bani Israil supaya tarobat
jeung dibaraptis.
25 Nalika tugasna meh rengse, Yahya

nyaurkeun kieu: ‘Ulah saralah sangka,


kula mah lain Anjeunna. Anjeunna
mah, sumping-Na teh engke, nya eta
sapandeurieun kula. Kula mah hamo
wani muka tali tarumpah-tarumpah-Na
acan.’
26 Dulur-dulur! Boh anu turunan

Ibrahim, boh anu lianna, anu sami-sami


sieun ku Allah! Eta uaran pisalameteun
teh, nya ka urang ditujulkeunana.
27 Ku urang Yerusalem mah, nya kitu

deui ku parapamingpinna, Anjeunna teh


ditampik. Anjeunna dihukum pati ku
KISAH PARA RASUL 13.28– 33 76
maranehna. Ku kituna, sakumaha anu
geus disaurkeun ku nabi-nabi anu sok
diaraji saban poe Sabat teh, ku lantaran
talajak maranehna, jadi ngabukti.
28 Sanajan henteu bisa maranggihkeun

kasalahan anu manjing kana hukuman


pati, maranehna geus maraksa ka Pilatus
supaya Anjeunna ditelasan.
29 Sanggeus sagala paniatanana ka

Anjeunna tinekanan, — sakumaha


anu geus kaungel dina Kitab — layon
Anjeunna diturunkeun tina tihang
panggantungan tuluy dikurebkeun.
30 Tapi Anjeunna, ku Allah, digugahkeun

deui tina pupus-Na.


31 Sanggeus gugah, Anjeunna

nembongan sababaraha kali ka nu


kungsi ngariring ka Anjeunna waktos
angkat ti Galilea ka Yerusalem. Nya
aranjeunna, nu ayeuna jaradi saksi ka
balarea teh.
32 Ayeuna simkuring sumeja

ngadongkapkeun uaran nu matak


suka ati, nya eta: Jangji anu baheula
ditimbalkeun ka karuhun urang teh,
33 ku Allah parantos dibuktikeun ka

urang, nu jadi turunanana, nya eta ku


jalan ngagugahkeun Isa; hal ieu teh,
KISAH PARA RASUL 13.34– 39 77
sami sareng anu parantos diseratkeun
dina Kitab Zabur anu kadua: ‘Hidep,
Anaking! Poe ieu pisan hidep ku Kami
diyugakeun.’
34 Isa parantos digugahkeun ku

Allah tina pupusna sarta moal bisa


keuna ku buruk deui. Eta teh pikeun
ngalaksanakeun timbalana-Na anu ieu:
‘Jangji Kami ka Daud, jangji suci tur
beunang diuji, baris dilaksanakeun.’
35 Salajengna, dina zabur sejenna

disebatkeun kieu: ‘Gusti Pangeran!


Gusti moal tega ngantep jalmi-jalmi
anu parantos disucikeun ku Gusti sina
binasa.’
36 Ari Daud, dina keur hirupna,

ngalakonan sagala pangersa Allah


sajeroning mingpin bangsana, dugi ka
pupusna; salajengna, anjeunna teh
dikurebkeun sagigireun karuhunna;
kajabi ti eta, salirana ge buruk, sanes.
37 Nanging Isa mah henteu kungsi

buruk, margi digugahkeun deui ku Allah.


38 Mugi aruninga dulur-dulur! Nya ku

lantaran Anjeunna pangna dulur-dulur


kenging uaran pangampura dosa teh.
39 Nya ku jasa Anjeunna sakur jelema

anu percaya bisana leupas tina dosa


KISAH PARA RASUL 13.40– 44 78
teh, anu hamo tea bisa kaalaman ku
aranjeun ku sakadar nurut kana hukum
Musa wungkul mah.
40 Kitu nu mawi sing ati-ati, ulah dugi

ka nyorang hal-hal anu kasebat dina


kitab nabi-nabi, nu kieu ungelna:
41 ‘Ati-ati maraneh tukang-tukang

ngahina! Tanwande maraneh


ngararenjag sarta tumpur. Sabab jaman
ieu, Kami keur ngalaksanakeun hiji
pagawean; ku maraneh moal dipercaya,
sanajan aya anu nerangkeun.’”
42 Sanggeus Paulus jeung Barnabas

kalaluar, ku maranehna diparenta supaya


piwulangna anu bieu teh dibalikan deui
dina poe Sabat hareup.
43 Sabubarna ibadah, loba urang Yahudi

jeung anu ngaragem agama Yahudi anu


sarieun ku Allah naluturkeun ngiring
ka aranjeunna. Ku aranjeunna terus
diwurukan jeung dinasehatan, supaya
hirupna masing-masing tetep dina aubna
asihing kurnia Allah.
44 Poe Sabat hareupna, meh

sapangeusi kota tumplek daratang


seja ngaregepkeun pangandika Allah.
KISAH PARA RASUL 13.45– 49 79
45 Nenjo anu daratang sakitu lobana
teh, urang Yahudi jadi sirik; ucap-ucapan
Paulus dibarantah.
46 Tapi kalawan henteu asa-asa ku

Paulus jeung Barnabas diterangkeun


kieu, “Sayaktosna, ieu pangandika
Allah teh, ka aranjeun heula
didongkapkeunana. Nanging ku
lantaran aranjeun narolak sarta henteu
ngarasa butuh ku hirup langgeng,
didongkapkeunana teh ayeuna mah ka
bangsa anu lian.
47 Sabab simkuring kudu ngestokeun

kana parentah Allah anu kieu: ‘Maneh


ku Kami enggeus dipastikeun kudu
nyaangan bangsa- bangsa anu teu
palercaya ka Allah, ngadatangkeun
kasalametan, tug, nepi ka tungtung
bumi.’”
48 Ngadarenge ieu ucapan, jalma-jalma

ti golongan luar bangsa Yahudi teh kacida


barungaheunana. Tuluy maranehna
ngamulyakeun pangandika Allah; sakur
anu geus ditakdirkeun hirup langgeng
mah, jadi palercaya.
49 Geus kitu mah, pangandika Allah teh

sumebar ka sakuliah wilayah.


KISAH PARA RASUL 13.50 –14.2 80
50 Tapi jelema-jelema ti kaum Yahudi,
henteu caricingeun. Wanita-wanita
anu palercaya ka Allah tur kapandang
di masarakat katut para gegeden di
eta kota, ku maranehna dihasud;
tuluy maranehna ngayakeun rupa-rupa
tarekah, nepi ka Paulus jeung Barnabas
teh diusir ti wilayah eta.
51 Sabab eta, Paulus jeung Barnabas

teh ngebutkeun kekebul tina suku, keur


nembongkeun ka teu sugemaanana ka
maranehna; tuluy aranjeunna angkat ka
kota Ikonium.
52 Ari murid-murid anu di Antioki,

hatena, pinuh ku rasa bagja jeung ku


Ruh Allah.
1 Di Ikonium, ieu dua rasul teh,

14 terus ngajugjug ka tempat ibadah


urang Yahudi sarta ngawulang di dinya.
Piwulangna pohara ngayakinkeunana,
nepi ka loba urang Yahudi jeung urang
Yunani anu palercaya.
2 Tapi urang Yahudi, — ti golongan

anu narolak kana piwulangna —


ngahucuhkeun jalma-jalma anu
teu palercaya ka Allah tea, nepi ka
maranehna maralik jadi arijideun ka
rasul-rasul.
KISAH PARA RASUL 14.3 –8 81
3 Rada lila oge Paulus jeung Barnabas
caricing di dinya teh — nya aranjeunna
teh bari neruskeun ngawulangna
kalawan teuneung ludeung — lantaran
aranjeunna percaya ka Allah. Uaran
tina hal sih kurnia Gusti teh, ku Allah
dideudeul, ku jalan maparin kakawasaan
ka aranjeunna pikeun nyieun tanda-
tanda ajaib sarta mujijat-mujijat.
4 Harita, urang dinya bengkah jadi

dua golongan; aya anu biluk ka urang


Yahudi, aya anu biluk ka rasul-rasul.
5 Golongan anu teu percaya ka Allah,

bareng jeung urang Yahudi katut


parapamingpinna terus gerak; karepna
mah, rasul-rasul teh dikaniaya sarta
dibaledogan ku batu.
6 Tapi ku aranjeunna kanyahoan, nya

buru bae aranjeunna teh ngejat ka


kota Listra, Derbe, jeung ka kota-kota
anu aya di sakurilingeunana, bawahan
Likonia.
7 Di dinya, aranjeunna ngawawarkeun

Injil oge.
8 Di Listra, aya hiji jelema anu lumpuh ti

barang burusut; manehna teh ngan ukur


bisa diuk bae, teu bisa leumpang.
KISAH PARA RASUL 14.9–15 82
9 Waktu Paulus ngawuruk, kabeneran
manehna milu ngadengekeun. Ku Paulus
dipencrong sarta kapeleng gede imanna,
aya bahan bisa dicageurkeun.
10 “Pek nangtung sing ajeg!” Saur

Paulus ka manehna, tarik pisan. Dadak


sakala, jung bae, manehna bisaeun
nangtung, malah tuluy leuleumpangan.
11 Bawaning ku ngarasa aneh, jalma

rea raong ngaromong dina basa Likonia,


pokna, “Dewa lungsur, miraga jalma!”
12 Ku jelema-jelema di dinya, Barnabas

disebut dewa Zeus, ari Paulus dewa


Hermes, nya eta juru sabda dewa.
13 Geus kitu, imam dewa Zeus — anu

kuil pamujaanana aya di saluareun


eta kota — datang ka kota bari mawa
sapi jalu pikurbaneun jeung rupa-rupa
kekembangan. Maksudna mah, arek
ngajak urang dinya ngahaturkeun
kurban ka rasul-rasul tea.
14 Paulus jeung Barnabas nepikeun ka

nyosoeh jubah nu dianggo bari terus


muru jalma rea, pok ngagero,
15 “Dulur-dulur! Nanaonan aranjeun

teh? Kaula duaan teh jalma biasa, teu


beda ti aranjeun. Ka dieu soteh seja
ngawawarkeun Injil, rek ngelingan ka
KISAH PARA RASUL 14.16– 20 83
aranjeun supaya ninggalkeun kalakuan
anu gaplah; malar hirup nyanghareup
ka Allah anu jumeneng, anu ngadamel
langit, bumi jeung laut katut pangeusina.
16 Baheula-baheula mah, manusa

teh, ku Allah diantep nyorang jalanna


masing-masing.
17 Tapi papadaning kitu, Anjeunna

tetep miasih sarta henteu kendat-kendat


mintonkeun sipat murah asih-Na,
maparin hujan ti langit, maparin
musim bubuahan, maparin dahareun,
jeung maparin lian-lianna anu matak
pikabungaheun.”
18 Tapi rasul-rasul teh, meh-meh

kawalahan; sabab keukeuh bae arek


dihaturanan kurban ku maranehna.
19 Sabot kitu, jul-jol, — ka dinya —

urang Yahudi ti Antioki jeung Ikonium.


Maranehna ngarorojok urang dinya,
nepi ka bariluk ka maranehna. Malahan
mah, eta urang dinya teh, nepi ka
maraledogan Paulus ku batu sarta
nyered anjeunna ka palebah luareun
kota sabab pada nyarangka geus maot.
20 Tapi waktu keur diriung-riung ku

murid-muridna, anjeunna cengkat deui,


tuluy indit deui ka jero kota. Poe isukna,
KISAH PARA RASUL 14.21– 26 84
anjeunna miang ka Derbe, bareng jeung
Barnabas.
21 Di Derbe, Paulus jeung Barnabas

ngawawarkeun Injil tur hasil, nya eta


loba anu palercaya. Ti dinya, aranjeunna,
wangsul deui ka Listra, Ikonium, jeung
Antioki.
22 Di tempat-tempat eta, aranjeunna

teh negerkeun murid-murid supaya


murid-murid sing karuat iman; saur
aranjeunna, “Asup ka Karajaan Allah
mah kudu nyorang heula rupa-rupa
kasangsaraan.”
23 Di tiap-tiap jamaah, aranjeunna

ngangkat kokolot-kokolot jamaah,


tuluy dipangnedakeun sarta dipuasaan;
geus kitu, eta kokolot-kokolot teh
dipasrahkeun ka Gusti Sumbering
kapercayaanana.
24 Aranjeunna ngider di sakuliah

wilayah Pisidia, nepi ka aranjog ka


wilayah Pampilia.
25 Di wilayah Pampilia aranjeunna

ngawawarkeun Injil oge, nya eta di


tempat anu ngaranna Perga sarta di
Atalia anu pernahna di basisir.
26 Ti dinya, aranjeunna balayar ka

Antioki di tanah Siria; nya di tempat eta


KISAH PARA RASUL 14.27 –15.3 85
pisan aranjeunna ginanjar asihing Allah
teh pikeun ngemban tugas nu ayeuna
geus rengse dilampahkeun.
27 Di dinya, aranjeunna ngumpulkeun

anggota jamaah, tuluy ngadadarkeun


padamelan Allah anu diembankeun ka
aranjeunna sarta nerangkeun, yen Allah
parantos mukakeun lawang pikeun jalan
kana iman ka bangsa-bangsa sejen oge.
28 Lila oge, aranjeunna nganjrek di

murid-muridna di Antioki teh.


1 Hiji mangsa, jamaah di Antioki

15 kadatangan dulur-dulur ti jamaah


Yudea, anu nerangkeun yen jamaah
Antioki kudu disarunat nyumponan adat
istiadat warisan ti Musa; sabab mun teu
kitu, hamo bisa salamet.
2 Tapi pendirian maranehna anu kitu

teh, pohara dibantahna ku Paulus jeung


Barnabas mah. Ahirna, jamaah ngutus
Paulus, Barnabas, jeung sawatara urang
deui ka Yerusalem pikeun nyawalakeun
sualna.
3 Ku jamaah, eta utusan-utusan teh,

dianteur nepi ka wates kota; ti dinya,


karebat lumaku, — jalanna — ka tanah
Puniki jeung Samaria. Dulur-dulur anu
caricing di dinya, barang dibarejaan
KISAH PARA RASUL 15.4 –9 86
yen loba bangsa-bangsa anu asalna teu
ngenal Allah teh, tarobat sarta meunang
nugraha, kabeh marilu atoh.
4 Di Yerusalem, — sanggeus

dibageakeun ku jamaah jeung ku rasul-


rasul katut parakokolotna — parautusan
teh ngadadarkeun beubeunanganana
enggoning ngalaksanakeun padamelan
Allah.
5 Tapi cek anggota-anggota anu asal ti

golongan Parisi mah, anggota-anggota


anu lain Yahudi teh wajib disarunat heula
pikeun nyumponan hukum Musa.
6 Hal eta, ku rasul-rasul jeung

parakokolot tuluy digunemcaturkeun.


7 Sanggeus sual jawab rada lila,

ahirna Petrus nyarita, “Dulur-dulur


tangtu aremut keneh, yen baheula,
simkuring geus dipilih ku Allah jadi
biwir panyambung lemek pikeun ngajak
bangsa- bangsa anu teu ngenal Allah,
supaya percaya kana uaran Injil.
8 Allah anu uninga kana eusi hate tiap-

tiap jelema, kersa nampi maranehna


sarta maranehna geus dipaparinan Ruh
Allah cara urang.
9 Eta teh nandakeun, yen Anjeunna

teu ngabeda-beda; jiwa urang jeung


KISAH PARA RASUL 15.10– 14 87
maranehna sarua; ku lantaran iman
kapercayaan, maranehna oge geus
disucikeun ku Anjeunna.
10 Jadi, naha atuh urang make

arek ngadoja ka Anjeunna, niat rek


ngamomotan papada dulur ku pasangan
anu hamo baris katanagaan, boh ku
karuhun, boh ku urang-urang.
11 Ari sual pisalameteun mah, kaayaan

urang jeung maranehna teh sarua bae.


Sabab anu jadi lantaran urang bisa
salamet mah, nya eta upama urang
percaya kana sih kurnia-Na Isa, Gusti
Jungjunan urang.”
12 Jep, jamaah jempe; terus maranehna

ngabarandungan katerangan ti Paulus


jeung Barnabas anu medarkeun
tanda-tanda ajaib jeung mujijat-
mujijat padamelan Allah di kalangan
bangsa-bangsa sejen ku perantaraan
aranjeunna.
13 Geus kitu, ngong Yakobus nyarita,

“Dulur-dulur!
14 Ku saderek Simon geus diterangkeun

yen ti awalna keneh kajurung ku welas


asih-Na ka bangsa-bangsa sejen, Allah
parantos milih hiji bangsa anu baris
ngemban pajenengana-Na.
KISAH PARA RASUL 15.15– 21 88
15 Ieu teh luyu pisan jeung pisaur
nabi-nabi dina Kitab anu kieu ungelna:
16 ‘Engke Kami bakal datang deui, seja

ngawangun deui pondok Daud nu geus


runtuh, sina ngadeg sarta weweg,
17 supaya umat sejenna oge nareangan

Pangeran, nya eta sakumna bangsa-


bangsa anu acan wawuh ka Allah, anu
kaasup milik Kami keneh.
18 Kitu dawuhan Gusti anu padamelana-

Na geus kawentar ti awit awalna


keneh.’
19 Ku sabab eta, atuh dulur-dulur urang

nu teu sabangsa anu geus tarobat ka


Allah teh, cek simkuring mah, ulah
diririweuh.
20 Cek timbangan simkuring, hadena

mah urang suratan bae. Urang nasehatan


yen maranehna kudu pantrang ngadahar
kadaharan-kadaharan anu disajenkeun
ka berhala-berhala, kana pajinahan,
ngadahar daging sato anu paeh bangkar,
sarta ngadahar getih.
21 Sabab hukum Musa teh, geus

sumebar di tiap-tiap tempat ti baheula


keneh; tug, nepi ka kiwari oge, eta
hukum teh masih keneh terus dibaraca
KISAH PARA RASUL 15.22– 25 89
di tempat-tempat ibadah unggal-unggal
poe Sabat.”
22 Geus kitu, rasul-rasul jeung kokolot

katut sakumna jamaah mutuskeun


ngirim utusan ka Antioki, anu kudu indit
bareng jeung Paulus sarta Barnabas.
Anu kapilih jadi utusan teh, nya eta
Yudas anu katelah Barsabas jeung Silas,
duanana, jelema anu kapandang di
jamaah.
23 Maranehna mawa surat, unina,

“Rasul-rasul, parakokolot, katut


anggota-anggota jamaah di dieu,
ngaturkeun salam ka dulur-dulur nu
teu sabangsa di jamaah Antioki, Siria,
sareng Kilikia.
24 Nampi wartos, yen saderek-

saderek kenging kabingung lantaran


kadongkapan jalmi-jalmi ti pihak
simkuring, anu pangajaranana
abot katampina ku para saderek.
Darongkapna teh, sanes pisan ku
pangjurung ti simkuring.
25 Tumali sareng eta, simkuring, ayeuna

ngutus jalmi-jalmi ka saderek-saderek,


anu disarengan ku saderek Paulus
sareng saderek Barnabas anu kaasih,
KISAH PARA RASUL 15.26– 31 90
26 anu parantos nandonkeun nyawa
demi pajenengan Gusti Jungjunan urang,
Isa Al Masih.
27 Anu diutus ku simkuring teh, nya eta

saderek Yudas sareng Silas, anu baris


nerangkeun eusi serat langkung paos.
28 Numutkeun putusan ti Ruh Allah, kitu

deui ti jamaah; ka para saderek moal


bade ditambih ku kawajiban-kawajiban
anu abot sapertos kitu, iwal ti ieu
pepeling:
29 Saderek-saderek kedah pantrang

kana kadaharan-kadaharan anu


disuguhkeun ka berhala-berhala,
getih, daging sato anu paeh bangkar,
sarta kana kalakuan anu kaasup
jinah. Kalintang saena upami kersa
ngestokeun kana ieu pepeling. Sakitu
anu kahaturkeun. Mugia para saderek
ginanjar kawilujengan.”
30 Sanggeus kitu, Yudas jeung Silas

pamitan pikeun indit ka Antioki.


Sadatangna, terus aranjeunna
ngumpulkeun jamaah sarta suratna
dipasrahkeun.
31 Sanggeus dibaca, jamaah ngarasa

bungah sabab eusina pinuh ku ucap


panglipur.
KISAH PARA RASUL 15.32– 38 91
32 Saterusna, Yudas jeung Silas anu
oge jaradi nabi, nganasehatan ku
pituah-pituah anu matak nguatkeun
iman.
33 Sanggeus mangkuk rada lila, kakara

dijarurung mulang deui ka nu ngarutusna


kalawan dibarengan ku pidu'ana sarerea.
34 Tapi ari Silas mah, tetep di dinya,

henteu ngiring mulang.


35 Paulus jeung Barnabas masih keneh

ngalanjrek di Antioki sarta ngawuruk;


nya babarengan jeung urang dinya,
ngawawarkeun pangandika Gusti.
36 Sanggeus rada lila, Paulus sasauran

ka Barnabas, “Urang ngalongok dulur-


dulur di tempat urang bareto nepikeun
pangandika Gusti tea; nya hayang
terang bae, kumaha kaayaanana teh.”
37 Barnabas ngarempugan asal

dibaturan ku Yahya anu katelah Markus


tea.
38 Tapi ku Paulus, henteu disaluyuan;

sababna, Markus geus kungsi


ninggalkeun aranjeunna waktu di
Pampilia lantaran teu puruneun digawe
babarengan.
KISAH PARA RASUL 15.39 –16.4 92
39 Tungtungna, aranjeunna jadi cekcok
nepi ka jadi paturay. Barnabas balayar
ka pulo Siprus mawa Yahya.
40 Ari Paulus mah, milih Silas. Sanggeus

ku jamaah dipercayakeun kana


pangjaring Gusti,
41 bral, aranjeunna, mariang ka tanah

Siria jeung Kilikia pikeun nguatkeun


jamaah-jamaah di dinya.
1 Paulus sindang oge ka Derbe

16 jeung Listra. Di dinya, aya hiji


murid ngaranna Timoteus. Indungna
urang Yahudi, — kaasup ka anu percaya
ka Allah — ari bapana mah urang Yunani.
2 Ku dulur-dulur saiman anu araya

di Listra jeung Ikonium, Timoteus teh


dikenal pisan.
3 Paulus hoyong supaya manehna

maturan anjeunna dina perjalanan. Ku


Paulus, Timoteus, disina disunat heula
cara urang Yahudi di dinya, ma'lum
bapana teh urang Yunani.
4 Paulus jeung Silas ngider, asup

kota kaluar kota, bari nepikeun


putusan-putusan anu geus diputuskeun
di Yerusalem ku rasul-rasul jeung
kokolot-kokolot, dibarengan ku pangajak
muga ditarurut ku jamaah-jamaah.
KISAH PARA RASUL 16.5–12 93
5 Jamaah-jamaah teh beuki reugreug
bae imanna, anggotana oge beuki loba.
6 Ari tanah Prigia jeung Galata mah ku

aranjeunna diliwat bae lantaran ku Ruh


Allah dicegah ngabarkeun Injil di Asia.
7 Jol, aranjeunna, di tanah Misia, terus

nyoba-nyoba asup ka wilayah Bitinia,


tapi ku Ruh Isa teu diwidian.
8 Sanggeus liwat Misia, jol bae di Troas.
9 Peutingna, Paulus ningal hiji titingalan;

katingalna teh, aya urang Makedoni


nangtung, ngageroan ka anjeunna, “Ka
dieu meuntas, kuring tulungan!”
10 Lantaran aya titingalan Paulus anu

kitu, simkuring sabatur-batur sabisa-


bisa seja ariang ka Makedoni. Sabab
eta titingalan Paulus teh, ku sarerea
dianggap tanda panyaur Allah, yen
simkuring kabeh kudu ka ditu nguarkeun
Injil.
11 Bral bae, sarerea arindit, nya eta ti

Troas balayar ka Samotrake; isukna, ti


dinya, anjog ka kota Neapolis.
12 Ti dinya, ngaheulakeun ngadatangan

hiji wilayah di Makedoni, nya eta kota


Pilipi; kota pangumbaraan urang Rum. Di
dinya, sarerea nganjrek heula meunang
sawatara poe.
KISAH PARA RASUL 16.13– 16 94
13 Dina poe Sabat, simkuring sabatur-
batur kaluar ti lawang saketeng. Bari
mapay-mapay walungan, beh, sararea
teh ningal hiji tempat ibadah urang
Yahudi. Memang, ku sararea ge, geus
kataksir yen baris manggih nu kitu.
Bari dariuk, simkuring sabatur-batur
cacarita jeung sawatara wanita anu keur
karumpul di dinya.
14 Salah saurangna mah, nya eta tukang

dagang lawon wungu, — jalma ibadah


ka Allah, asal ti kota Tiatira — ngaranna
Lidia; Hatena ku Allah dibukakeun nepi
ka saregep pisan ngabandunganana
kana caritaan Paulus.
15 Tungtungna mah, anjeunna

sakulawarga menta dibaptis. Sanggeus


dibaptis, terus ngangkir ka imahna,
pokna, “Upami kagalihna ku bapa-bapa
abdi teh leres-leres parantos percaya
ka Gusti Jungjunan aranjeun, mugi
bapa-bapa kalalersa lalinggih ka
rorompok.” Ku sabab dikeukeuhan,
simkuring sabatur-batur narurut geusan
nedunan pangondangna.
16 Dina hiji waktu, keur simkuring

sabatur-batur arindit ka tempat ibadah


tea, di jalan paamprok jeung hiji awewe
KISAH PARA RASUL 16.17– 20 95
palayan anu kaancikan roh anu bisa
nujum. Eta pangabisa teh nguntungkeun
pisan ka anu jadi dununganana sabab
ngadatangkeun pangasilan anu lain
lumayan.
17 Manehna, hantem bae, nutur-nutur

Paulus sakancana bari celak-celuk


pokna, “Ieu jelema-jelema teh kabeh
oge abdina Allah Anu Maha Agung, keur
nuduhkeun jalan pijamugaeun!”
18 Kitu bae, petana teh, nya teu eureun-

eureun; hal eta, matak ngajengkelkeun


Paulus lantaran ngaganggu pisan.
Anjeunna malik nyoreang ka eta awewe;
terus anjeunna marentah kieu ka eta
roh, “Demi pajenengan Isa Al Masih,
geura ingkah maneh ti eta awewe!”
Sapada harita keneh, si roh teh, ingkah
ti eta awewe.
19 Nempo galagat kitu, ku anu maliara

eta awewe kaerong yen maranehna baris


leungit pangasilanana. Kerewek, Paulus
jeung Silas ku maranehna ditewak; tuluy
aranjeunna digiring ka pasar pikeun
diserenkeun ka pangagung-pangagung
kota.
20 Cek maranehna ka nu wajib, “Ieu

jelema ngagujrudkeun kota.


KISAH PARA RASUL 16.21– 27 96
21 Urang-urang Yahudi ieu teh,
nyebarkeun adat istiadat anu ku urang
mah, urang Rum, hamo bisa ditarima
atawa dipake!”
22 Jalma rea oge milu nyaralahkeun ka

aranjeunna teh. Pakean aranjeunna, ku


nu wajib teh sina dibuka paksa, nya eta
ku jalan disaroehkeun; geus kitu, jebrod
bae, aranjeunna dihukum rangket.
23 Tuluy aranjeunna dijebloskeun ka

panjara sarta diparentahkeun kudu


dijaga masing tohaga.
24 Blus, Paulus jeung Silas, digebluskeun

ka kamar tahanan pangjerona bari


sukuna dibelok tohaga pisan.
25 Kira-kira geus tengah peuting,

Paulus jeung Silas anggur ngadaru'a


jeung parupujian, kadarenge ku
sakitan-sakitan lianna.
26 Sabot kitu, riyeg bae, aya lini gede

pisan. Gedong panjara teh, nepi ka


inggeung, panto-pantona bluk-blak
maruka kabeh, sarta rante-rante sakitan
alaludar.
27 Kapala panjara ngorejat nyaring,

kasampak teh panto-panto kamar


tahanan geus marolongo. Serepet bae,
manehna mesat gobang rek maehan
KISAH PARA RASUL 16.28– 34 97
maneh. Sabab manehna nyangka
sakitan-sakitan kabeh geus kalabur.
28 Tapi Paulus ngagorowok, saurna,

“Ulah waka luluasan! Araya keneh kabeh


oge!”
29 Kapala panjara teh terus menta

obor ka bawahanana. Manehna moro ka


Paulus jeung Silas; tuluy bluk, nyuuh
ka aranjeunna bari ngagibrig sakujur
awakna.
30 Sanggeus eta, Paulus jeung Silas

diajak kaluar. “Juragan,” cek eta kapala


panjara, “kumaha ieu abdi teh malar
salamet?”
31 Walonna, “Kudu percaya ka Isa

Al Masih, Gusti Jungjunan simkuring,


saanak bojo tangtu salamet.”
32 Satuluyna, manehna saimah-

imah, ku aranjeunna diwuruk hal


dawuhan-dawuhan Allah.
33 Sanggeus manehna meresihan

raheut-raheut Paulus jeung Silas; harita


keneh, eta kapala panjara, sakulawarga,
menta dibaptis.
34 Aranjeunna diangkir ka imahna, terus

dituangkeun. Manehna pohara ngarasa


bagjana ku sabab sakulawargana geus
percaya ka Gusti Allah.
KISAH PARA RASUL 16.35– 39 98
35 Barang bray, beurang, jol utusan-
utusan ti pamarentah kota mawa putusan
ka kapala panjara kieu, “Sakitan, anu
duaan tea, kudu dileupaskeun.”
36 Cek kapala panjara ka Paulus,

“Numutkeun kaputusan pamarentah


kota, juragan-juragan ayeuna keneh
kedah dibebaskeun. Mangga geura
arangkat, didungakeun sing warilujeng.”
37 Tapi cek Paulus, “Simkuring duaan

geus dihukum rangket kalawan


kasaksian ku umum. Padahal simkuring
duaan teh, warga nagara Rum; tur
henteu dipariksa heula perkarana;
malah mah nepi ka ngarandapan dibui
pisan. Ayeuna bade dileupaskeun
kitu-kitu bae, bari ririkipan. Teu tiasa
nampi ari kitu mah. Sakedahna mah,
aranjeunna anu kedah ka darieu ku
anjeun, ngabebaskeun simkuring sacara
resmi.”
38 Kasauran Paulus tea, ku utusan-

utusan, dihaturkeun ka pangagung kota.


Barang dibejaan yen Paulus jeung Silas
teh warga nagara Rum, maranehna
kacida sarieuneunana.
39 Tuluy daratang bari tomada marenta

hampura. Paulus jeung Silas ku


KISAH PARA RASUL 16.40 –17.4 99
maranehna dianteur ka luar, terus
dijurung laku ti eta kota.
40 Sakaluarna ti panjara, Paulus jeung

Silas muru imah Lidia. Sanggeus


tepung jeung dulur-dulur anu araya di
dinya sarta geus mere paneger hate,
aranjeunna arangkat deui.
1 Paulus jeung Silas kebat lumaku

17 deui, — liwat kota Amipolis jeung


Apolonia — jol bae, di kota Tesalonika.
Di dinya oge, aya tempat ibadah urang
Yahudi.
2 Sakumaha kabiasaan, Paulus asup

ka eta tempat. Meunang tilu Sabat,


anjeunna, noron medarkeun mesek
bagian-bagian Kitab Suci ka urang
Yahudi.
3 Ditetek dieceskeun ka maranehna,

yen Al Masih teh geus kuduna nyorang


kasangsaraan sarta geus kuduna gugah
deui tina pupusna. Satuluyna, cek
anjeunna, “Tah eta Al Masih teh, Isa tea,
anu ayeuna diuarkeun ku simkuring ka
aranjeun.”
4 Aya sawatara urang anu terus percaya

kalawan yakin, tuluy maranehna marilu,


ngahiji, ka Paulus jeung Silas. Ti urang
Yunani oge, loba pisan anu sarieun ku
KISAH PARA RASUL 17.5 –8 100
Allah; kitu deui, ti wanita-wanita anu
terkemuka, jumblahna lain saeutik.
5 Orokaya, urang-urang Yahudi

anu sejenna, jadi dararengki. Ger,


maranehna nyieun huru-hara, nya eta
ngaributkeun kaayaan kota; maranehna
teh, dibantuan ku jelema-jelema anu
teu araruni ti pasar. Tuluy maranehna
ngambreg ka imah Yason, nya pikeun
nyered Paulus jeung Silas ka pangadilan
rayat.
6 Tapi anu dimaksudna teu kasampak;

tungtungna mah, anu digusur teh, Yason


jeung sababaraha deui dulur-dulur
saiman anu kaparengan aya di darinya.
Tuluy maranehna diserenkeun ka para
pangagung kota. Anu ngarusuhkeun teh
tingcorowok, pokna, “Jelema-jelema
tukang ngacowkeun sakuliah jagat teh,
ayeuna geus jol ka urang,
7 diampihan ku ki Yason! Kalakuanana

ngalanggar aturan-aturan prabu kalawan


nyebut-nyebut, aya deui raja anu
ngaranna Isa.”
8 Barang aya ribut kitu, para gegeden

katut rayatna jadi geunjleung.


KISAH PARA RASUL 17.9–14 101
9 Tapi Yason sabatur-batur teh,
dibebaskeun deui bae. Sabab manehna,
mere jaminan.
10 Peutingna, Paulus jeung Silas, ku

dulur-dulur teh dijurungkeun ka Berea.


Di Berea, anu dijugjug ku aranjeunna
teh, nya tempat ibadah urang Yahudi
oge.
11 Urang Yahudi di dinya mah, leuwih

balageur ti batan anu di Tesalonika.


Nya lian ti daraek tur ariklas narima
pangandika Allah, maranehna oge, terus
ngarulik Kitab Suci pikeun dicocogkeun
jeung anu geus diterangkeun tea.
12 Teu wudu loba anu terus jeung

percayana, malah ti kaom wanita


terkemuka jeung kaom bapa ti urang
Yunani oge aya.
13 Barang urang Yahudi di Tesalonika

nyarahoeun, yen di Berea oge Paulus


teh ngawawarkeun pangandika Allah;
geuwat bae, jelema-jelema eta teh,
maruru ka Berea ngadon ngahasud ka
urang dinya, ngageumpeurkeun hatena.
14 Tuluy Paulus, ku dulur-dulur teh,

geuwat diiangkeun ka daerah basisir;


ari Silas jeung Timoteus mah, angger di
Berea keneh.
KISAH PARA RASUL 17.15– 19 102
15 Ku maranehna, Paulus teh dianteur
nepi ka kota Atena; geus kitu, anu
ngalanteurna, marulang deui bari mawa
pesen ti Paulus yen Silas jeung Timoteus
kudu buru-buru nyarusul.
16 Sabot di Atena, ngadago-dago Silas

jeung Timoteus, Paulus teh pohara


ngarasa ngerikna. Lantaran eta kota,
pinuh ku arca brahala.
17 Ku sabab eta, urang Yahudi jeung

jelema-jelema anu palercaya ka Allah ku


anjeunna diajak tukeur pikiran di tempat
ibadahna; kitu deui jeung saha bae anu
pareng papanggih di pasar saban poe.
18 Malah anjeunna mah, sual jawabna

teh, sok jeung ahli-ahli pikir ti golongan


Epikorus jeung Stoa. Aya anu ngomong
kieu, “Rek dagang carita naon eta
tukang ngobrol teh?” Aya oge anu kieu
ngomongna, “Kawasna bae manehna teh
mawa agama dewa anyar.” Kituna teh,
lantaran anjeunna nepikeun Injil anu
medar hal Al Masih katut hal gugahna
deui tina pupus-Na.
19 Geus kitu, anjeunna diajak ka sidang

anu disebut “Sidang Areopagus.” Kieu


cek maranehna, “Meunang simkuring
KISAH PARA RASUL 17.20– 24 103
terang, eta agama anyar anu ditepikeun
ku anjeun teh agama naon?
20 Kakupingna teh asa araraneh-

araraneh pisan, estu matak panasaran,


naon pimaksudeunana?”
21 Adat urang Atena, — kitu deui adat

bangsa-bangsa asing anu ngaradon


ngamukim di dinya — maranehna tara
pisan ngamonyah-monyah waktu pikeun
urusan ieu atawa urusan itu, iwal keur
medarkeun atawa ngabandungan hal
anu anyar karasana.
22 Jung, Paulus nangtung di Areopagus,

tuluy biantara; saurna, “Para saderek


urang Atena, katembong ku simkuring
para saderek teh dina sagala hal estu
pohara aribadahna ka dewa-dewa.
23 Buktosna, waktu simkuring jalan-

jalan di ieu kota, ningal barang-barang


pupujan aranjeun; malah bet bae, ningal
hiji mezbah tempat sasajen make tulisan
anu unina: ‘Kahaturkeun ka Allah anu
acan dikenal.’ Tah anu ku simkuring
dicarioskeun ka aranjeun teh, eta; nya
anu ku aranjeun dipunjung bari teu
wawuh tea.
24 Allah teh, nya eta anu parantos

ngajadikeun ieu bumi katut sagala


KISAH PARA RASUL 17.25– 28 104
eusina. Anjeunna teh Gustining langit
jeung bumi, linggih-Na sanes di jero
kuil-kuil bubuatan leungeun manusa.
25 Tur Anjeunna ge, henteu butuh ku nu

diasong-asongkeun ku leungeun manusa


kawas nu aya kakurang. Sabab Anjeunna
pisan malah anu maparin hirup, maparin
napas, katut naon bae pangabutuh jalma
sakumna.
26 Tina asal jalma saurang, Anjeunna

parantos ngajadikeun umat manusa


saalam dunya. Jaradi bangsa itu sarta
bangsa ieu. Anjeunna anu nangtoskeun
pamusiman pikeun kaperluan umat
manusa teh; kitu deui, Anjeunna oge anu
maparin wates tempat padumukanana.
27 Pangersana supaya maranehna teh

daraek nyukcruk maluruh salira-Na,


malahmandar Anjeunna ku maranehna
bisa karagap sarta bisa kapanggih;
da saenyana mah, ieuh, Anjeunna teh
henteu tebih ti urang masing-masing.
28 Sabab urang hirup, kumelip, sarta

kumelendang teh nya di jero aub-aub


kakawasaan Anjeunna; eta teh, cocog
sareng anu dicarioskeun ku bujangga-
bujangga aranjeun. Urang teh, sadayana
oge, asal turunan Allah keneh.
KISAH PARA RASUL 17.29– 33 105
29 Ku margi, urang teh asal ti turunan
Allah; poma, ulah garaduh pikiran yen
sipat kaayaan ilahi teh sami sareng sipat
emas, perak, atanapi batu. Sabab eta
mah, ukur hasil tina cipta seni sareng
kaahlian manusa.
30 Jaman bihari nu tuna harti, ku

Allah geus teu diemut-emut deui.


Kiwari, Anjeunna ngembarkeun ka umat
manusa, yen nu di mana nu di mendi
sadaya kedah tarobat.
31 Lantaran Anjeunna teh parantos

ngadegkeun hiji poe, anu baris dianggo


nerapkeun pangadilan anu saadil-adilna
ka ieu dunya tur dijalankeunana ku
hiji Hakim anu parantos dipastikeun
ti anggalna keneh. Anu baris jadi
Hakimna oge, ku Anjeunna parantos
dibuktikeun ka umat manusa; nya ku
jalan ngagugahkeun deui eta Hakim ti
alam anu maraot.”
32 Barang maranehna ngadarenge hal

hudangna anu maraot; seug bae, aya


anu ngeyehkeun, malah aya anu pok
pisan kieu, “Euh, sual anu kitu, saena
mah carioskeun engke deui bae.”
33 Geus kitu mah, Paulus, terus bae

kaluar tina sidang.


KISAH PARA RASUL 17.34 –18.4 106
34 Tapi aya oge anu narima jeung
palercaya kana pangajaranana. Terus
maranehna ngahiji jeung anjeunna,
nya eta aya lalaki sababaraha urang.
Malah salah saurangna mah, nya eta
anggota majelis Areopagus pisan,
ngaran Dionisius; lian ti eta, aya deui
awewe, saurang, ngaran Damaris jeung
sababaraha urang deui anu harita bareng
araya di dinya.
1 Ti Atena Paulus terus ka Korinta.

18 2 Di dinyana, anjeunna tepung

jeung urang Yahudi asal ti Pontus,


ngaranna Akuila sarta bojona, ngaran
Priskila. Duanana anyar datang ti Itali
lantaran aya parentah ti Prabu Klaudius:
yen urang Yahudi, kabeh, kudu ingkah ti
nagara Rum. Paulus nyimpang heula ka
imahna.
3 Sihoreng, Akuila teh, sarua

pacabakanana jeung anjeunna. Atuh,


anjeunna teh, tuluy bae numpang di
dinya bari mantuan Akuila; da saruana
tukang nyieun tenda.
4 Tapi unggal poe Sabat, Paulus tetep

ngawulang di tempat ibadah sarta usaha


ngahudangkeun kayakinan urang Yahudi
jeung urang Yunani.
KISAH PARA RASUL 18.5 –9 107
5 Sanggeus Silas jeung Timoteus
daratang deui ti Makedoni, Paulus jadi
laluasa nguarkeunana Pangandika jeung
mere panyaksen yen Isa teh, Al Masih
tea.
6 Tapi lila-lila mah, anjeunna teh

dimarusuhan jeung dicacampah ku


maranehna; eta sababna, anjeunna
ngirabkeun kekebul tina jubahna bari
saurna, “Aranjeun tangtu binasa ku
pamolah sorangan! Kuring teu tanggung
jawab. Geus, ti seret ieu mah anggursi
nepungan bangsa sejen!”
7 Leos, anjeunna kaluar; terus anjeunna

ka imah Titus Yustus, jalma anu ibadah


ka Allah, anu imahna pagigir-gigir jeung
tempat ibadah.
8 Ari Krispus mah, kapala tempat

ibadah di dinya, tuluy bae percaya ka


Gusti Jungjunan urang teh, katut saeusi
imahna. Urang Korinta oge anu harita
marilu ngabandungan piwuruk Paulus
loba anu tuluy palercaya jeung marenta
dibaptis.
9 Dina hiji peuting, Pangeran nimbalan

ka Paulus dina hiji titingalan, dawuhana-


Na, “Tong sieun-sieun! Nguarkeun
Pangandika teruskeun, ulah kandeg!
KISAH PARA RASUL 18.10– 15 108
10 Ku Kami, maneh, baris dibarengan.
Saurang oge, moal aya anu wani
ngaragap atawa nganiaya ka maneh.
Sabab di dieu teh, loba umat Kami.”
11 Ku sabab eta, anjeunna lami calik

di dinyana, nya eta nepi ka sataun


satengah ngawurukkeun pangandika
Allah ka urang dinya.
12 Tapi barang kota Ahaya, digupernuran

ku Galio; breng bae, urang Yahudi teh


ngaralawan ka Paulus, saterusna
anjeunna dijagragkeun ka pangadilan.
13 Cek maranehna, “Jalmi ieu teh,

nyimpangkeun rayat tina tata ibadahna


ka Allah ku cara-cara anu papalingpang
sareng pangajaran anu kaserat dina
Toret.”
14 Barang Paulus rek mimiti nyarita,

Galio geus pok manten nyarios ka urang


Yahudi, saurna, “He rayat, urang Yahudi!
Upama dakwaan aranjeun teh sual
palanggaran atawa kajahatan, wajar
mun ku kaula dianggap.
15 Tapi ari sakadar sual paketrok ucap

atawa sakadar pasentrok sual ngaran,


atawa sual hukum anu diaranut ku
aranjeun, eta mah beberes bae ku
KISAH PARA RASUL 18.16– 21 109
sorangan; kaula mah, teu sudi pipilueun
nguruskeun anu kararitu.”
16 Tuluy sidang teh dibubarkeun, harita

keneh.
17 Geus kitu, maranehna teh

ngararamuk ka Sostenes, kapala


tempat ibadah; nya terus bae Sostenes
teh ditareunggeulan di hareupeun
gedong pangadilan. Tapi ku Galio, teu
dipalire.
18 Ti kajadian harita, Paulus aya

keneh di Korinta, meunang sawatara


poe. Geus kitu, anjeunna amitan ka
dulur-dulur di dinya, — sanggeus
motong heula rambutna di Kengkrea
nedunan panadaranana — tuluy kebat
deui balayar ka tanah Siria. Priskila
jeung Akuila ge, marilu.
19 Barang geus nepi ka Epesus, Priskila

jeung Akuila ditinggalkeun di dinya; ari


Paulus mah, terus ka tempat ibadah
pikeun nyarita ka urang Yahudi.
20 Ku anu di darinya, anjeunna diandeg

heula, sangkan nganjangna rada lila.


Tapi ku anjeunna, teu diturutkeun.
21 Terus bae anjeunna amitan bari

saurna, “Engke oge ka dieu deui, manawi


KISAH PARA RASUL 18.22– 26 110
Allah marengkeun.” Tuluy bae anjeunna
balayar ti Epesus.
22 Sanggeus nepi di Kesarea, anjeunna

turun ka darat pikeun ngalongok heula


jamaah; ti dinya, anjeunna kebat deui
ka Antioki.
23 Sanggeus sawatara poe, kencling

deui bae, ngadongdon sakuliah tanah


Prigia jeung Galata pikeun negerkeun
murid-murid.
24 Harita, ka Epesus aya anu datang,

— hiji urang Yahudi asal Aleksandri —


ngaranna Apolos. Ieu jelema teh perceka
pinter nyarita tur paham kana ayat-ayat
Kitab Suci.
25 Manehna memang geus meunang

pangajaran tina hal Jalan Allah. Barabat,


anjeunna nyarita, sumanget pisan sarta
ngajarkeun sual Isa kalawan apik jeung
taliti. Hanjakal, kanyahona teh ngan
tepi ka semet mangsa baptisan Yahya
wungkul.
26 Geus kitu, manehna nyobaan ngajar

di tempat ibadah kalawan pohara


ludeungna. Barang halna, kadenge ku
Priskila jeung Akuila; ku maranehna
disambat ka imahna, diaraku bari jeung
KISAH PARA RASUL 18.27 –19.3 111
diwuruk tina hal Jalan Allah nepi ka
sataliti-talitina.
27 Ku sabab Apolos boga kahayang seja

meuntas ka kota Ahaya, dulur-dulur di


Epesus teh nyuratan ka murid-murid
anu di daritu pikeun mihapekeun Apolos
muga ditararima. Sanggeus aya di
Ahaya, Apolos teh jadi gede pisan
gunana keur sakur anu geus palercaya.
28 Manehna mah taya kabosen, teu

kendat-kendat ngabantahan urang


Yahudi, — kasaksian ku umum oge —
bari mere bukti tina Kitab Suci yen Isa
teh, Al Masih.
1 Keur Apolos aya di Korinta

19 keneh, Paulus geus aya di kota


Epesus, sabada ngider pilemburan-
pilemburan nu aya di wilayah Korinta.
Di Epesus, nyampak, aya sababaraha
murid.
2 Tuluy dipariksa, “Aranjeun basa mimiti

percaya geus nararima Ruh Allah?”


Jawabna, “Teu acan. Malah nguping yen
aya Ruh Allah oge nembe ayeuna.”
3 Dipariksa deui, “Ku baptisan anu mana

aranjeun dibaraptis teh?” Jarawabna,


“Ku baptisan Yahya.”
KISAH PARA RASUL 19.4 –9 112
4 Saur Paulus deui, “Baptisan Yahya
mah pikeun tanda pertobat. Kapan Yahya
ngembarkeun yen kudu palercaya ka
Anu rek sumping pandeurieun anjeunna,
nya eta Isa Al Masih.”
5 Sanggeus kitu maranehna tuluy

marenta dibaptis demi pajenengan Isa,


Gusti Jungjunan urang.
6 Sabot keur ditarumpangan leungeun

ku Paulus, lungsur bae Ruh Allah ka


maranehna; tuluy maranehna barisa
nyarita ku basa ajib jeung narubuwat.
7 Jumblah maranehna kurang leuwih

dua welas urang.


8 Meunang tilu bulan Paulus ngawuruk

di tempat-tempat ibadah di dinya, bari


teu aya kasieun. Anjeunna ihtiar geusan
ngayakinkeun urang dinya kana Karajaan
Allah.
9 Sawatara urang anu teu bisa diongget-

ongget, batan beunang diyakinkeun


anggur ngagogoreng Jalan Lempeng
hareupeun umum. Ku Paulus tuluy
ditinggalkeun, tapi anu geus jaradi
murid mah ku anjeunna dipisahkeun ti
anu karitu. Ngawurukna teh, nya eta di
gedong kuliah Tiranus.
KISAH PARA RASUL 19.10– 16 113
10 Kitu bae saterusna, meunang dua
taun, nepi ka sakumna urang Asia
kaembaran Pangandika Pangeran, boh
urang Yahudi, boh urang Yunani.
11 Paulus, ku Allah, dianggo pikeun

nganyatakeun mujijat-mujijat-Na anu


luar biasa.
12 Ukur saputangan atawa lawon

sejenna urut Paulus, ana diusapkeun ka


nu garering terus bae calalageur, roh-roh
jahat oge araringkah.
13 Aya sawatara dukun urang Yahudi,

ngalider di eta nagara, nyoba jampena


ka anu kaancikan roh jahat ku
ngucapkeun jenengan Isa, Gusti
Jungjunan urang. Pokpokanana, “Maneh
ku kami ditumbalan ku pajenengan Isa
Al Masih anu diuarkeun ku Paulus!”
14 Eta dukun-dukun teh, aya tujuhan;

kabehanana anak hiji imam kapala urang


Yahudi nu ngaran Skewa.
15 Tapi roh jahat teh anggur nambalang

kieu, “Aing ka Isa wawuh, ka Paulus


wawuh. Tapi ari silaing saha tea?”
16 Tuluy jelema anu ditambaan teh

narajang, kabeh digaley ku manehna


nepi ka lalumpatan bari barulucun, jaba
awakna raruksak.
KISAH PARA RASUL 19.17– 24 114
17 Eta beja, — terus nerekab ka
sa-Epesus — nimbulkeun kasieun ka
sararea, boh ka urang Yahudi, boh ka
urang Yunani sarta pajenengan Isa teh
beuki mashur bae.
18 Nu geus palercaya oge rea anu

daratang, ngararaku ka balarea yen


maranehna oge sok karitu.
19 Jelema-jelema anu tadina tukang

metangan, loba anu ngaduruk buku-


buku paririmbonna hareupeun umum.
Pipangajieunana eta buku-buku teh,
kira-kira lima puluh rebu duit perak.
20 Jadi, pangandika Allah teh

gancang pisan sumebarna jeung gede


pangaruhna.
21 Sabada kajadian eta, Paulus niat

muru ka Yerusalem make jalan ka


Makedoni jeung Ahaya. Saurna, “Tas ti
dinya, nagara Rum oge rek diteang.”
22 Geus kitu, anjeunna ngajurungkeun

Timoteus jeung Erastus sina ti hareula


ka Makedoni. Sabab anjeunna mah, rek
rada lila di Asia teh.
23 Dina mangsa harita keneh, ger, aya

huru-hara gede tina sual Jalan Lempeng.


24 Nu jadi luluguna, nya eta hiji tukang

kamasan ngaran Demetrius purah


KISAH PARA RASUL 19.25– 29 115
nyieun kukuilan tina perak pikeun dewi
Artemis; hiji pagawean anu kacida
nguntungkeunana ka tukang-tukangna.
25 Tukang-tukang teh ku manehna

dikumpulkeun jeung pagawe-pagawe


sejenna. Tuluy manehna nyarita kieu,
“Batur-batur, ku sarerea ge karasa, yen
ieu pacarian teh nguntungkeunana ka
urang lain lumayan.
26 Tapi jelema anu ngaran Paulus tea,

— aranjeun oge geus moal barireuk


deui — geus nyasabkeun jelema-jelema
tur lain di urang bae, malah meh di
sa-Asia. Anjeunna uar-uar, yen bubuatan
leungeun jelema mah lain dewa.
27 Talajakna anu kitu teh, jaba ti

maehan pausahaan urang, kuil Dewi


Artemis nu Agung oge jadi matak
cambal dangiangna. Sang dewi ku
anjeun, pupujaan manusa sa-Asia malah
pupujan sadunya, moal diagung-agung
deui.”
28 Barang ngadarenge kitu, pohara

arambekeunana; ger bae, tingcorowok,


“Agung Artemis, dewi urang Epesus!”
29 Tuluyna mah, atuh timbul huru-hara

di sakuliah kota teh. Sabab jelema-


jelema eta, terus ngambreg nyerbu ka
KISAH PARA RASUL 19.30– 34 116
gedong kasenian bari ngagusur Gayus
jeung Aristarkus, urang Makedoni batur
nyaba Paulus.
30 Tadina mah, ku Paulus teh rek

disampeurkeun; tapi ku murid-murid,


anjeunna diharalangan.
31 Malah aya sababaraha gegeden asal

Asia anu nyobat ka Paulus marepelingan


ka anjeunna, supaya ulah nyampeurkeun
ka ditu.
32 Sajeroning kitu, jelema-jelema di

gedong kasenian tingcorowok rupa-rupa.


Cek ieu kieu, cek itu kitu, nya raribut teu
puguh; da lolobana mah, teu nyaraho
pikeun naon maranehna kumpul teh.
33 Geus kitu, aya jelema anu disurung-

surung ku urang Yahudi, ngaranna


Aleksander. Manehna teh, disina
nyanghareupan anu keur raribut.
Sanggeus manehna meunang raratan
pasualanana, tuluy ngisarahan ku
leungeun menta nyarita.
34 Tapi barang nyarahoeun yen manehna

urang Yahudi, ger bae jelema-jelema teh


tinggorowok deui, “Agung Artemis, dewi
urang Epesus!” Teu eureun-eureun nepi
ka aya dua jamna.
KISAH PARA RASUL 19.35– 40 117
35 Ahirna beunang direpehkeun oge,
nya eta ku Sekretaris Pamarentah Kota.
“He, rayat Epesus,” cek Sekretaris Kota,
“saha anu teu nyaho yen kota Epesus
teh purah ngurus hade-hade kuil dewi
Artemis, dewi anu maha agung; kitu
deui, ngamumule arca anjeunna anu
lumungsur ti langit?
36 Hal eta teh, hamo aya anu bisa

ngabantah. Ku sabab eta, coba masing


salabar, ulah ngalajur napsu ngumbar
amarah.
37 Eta dua jelema ku aranjeun digusur

ka dieu. Padahal, maranehna teh teu


aya kasalahanana; nya teu ngarampog
kuil sang dewi, nya teu ngagogoreng
jenenganana oge.
38 Upama Demetrius sabatur-batur aya

urusan ka salah sahiji jelema, kapan


salian aya pangadilan, oge aya gupernur.
Ka dinya kuduna ngasongkeun urusan
teh, boh pihak ieu, boh pihak itu.
39 Kitu deui, upama aya kahayang

sejenna, eta oge dibereskeunana teh


kudu dina sidang rayat anu resmi.
40 Ieu urang kikieuan dina poe ieu teh,

bisa dicap nyieun huru-hara. Lantaran


moal bisa mere alesan, pikeun urang
KISAH PARA RASUL 19.41 –20.5 118
bisa dibenerkeun kana ieu gempungan
anu sakieu matak ngariweuhkeunana.”
Geus kitu, eta jelema-jelema teh, dititah
bubar.
41 (19:40)
1 Sasirepna huru-hara, Paulus

20 ngumpulkeun murid-murid,
dililipur sina taleger. Sanggeus amitan,
bral, anjeunna miang ka Makedoni.
2 Di Makedoni, anjeunna oge ngalilipur

dulur-dudulur sarta neguhkeun imanna.


Sanggeus daerah Makedoni katatab,
bral, anjeunna miang deui ka nagri
Yunani.
3 Sanggeus tilu bulan di dinya, aya

maksud balayar ka tanah Sam. Tapi ku


sabab diancam rek diarah pati ku urang
Yahudi di dinya, anjeunna mutuskeun
yen pimulangeun teh rek make jalan
Makedoni bae.
4 Anjeunna dibaturan ku sababaraha

urang, nya eta Sopater anak Pirus, urang


Berea; Aristarkus jeung Sekundus,
urang Tesalonika; Gayus urang Derbe,
jeung Timoteus; Tihikus jeung Tropimus,
urang Asia.
5 Maranehna, ku anjeunna disina ti

hareula, megat di nagri Troas.


KISAH PARA RASUL 20.6–11 119
6 Simkuring jeung Paulus mah arindit
teh ti Pilipi, nya kana kapal; inditna teh,
sabada hari raya Roti Teu Make Ragi.
Poe kaopatna geus tepung deui jeung
maranehna di Troas. Sarerea nganjrek
heula di dinya, meunang tujuh poe.
7 Dina poe Ahad, waktu sarerea

ngariung rek dalahar, Paulus ngawuruk


heula ka duduluran dumeh isukna baris
paturay. Ngawurukna ngagelendut nepi
ka tengah peuting.
8 Kumpulna teh di loteng nu raang ku

lampu.
9 Aya budak ngora ngaranna Etikus,

diukna dina jandela; lenggut bae,


manehna teh nundutan ku sabab lilana
Paulus ngawuruk. Antukna, kalepasan,
hees tibra pisan; tuluy gebut bae,
ragrag; mangkaning tina loteng katilu.
Ari diboro teh, bet, geus teu nyawaan.
10 Paulus turun, terus ngagoleahkeun

anjeun kana awak budak ngora tea


bari dirangkul. Cek anjeunna, “Ulah
galeumpeur, aya keneh nyawaan.”
11 Geus kitu mah, anjeunna unggah

deui ka loteng, ngabagi-bagikeun roti,


tuluy sarerea dalahar. Anggeus dahar
diteruskeun deui ngawurukna teh, nepi
KISAH PARA RASUL 20.12– 18 120
ka wanci carangcang tihang, kakara
anjeunna amitan.
12 Budak ngora tea hirup deui, tuluy

dialanteurkeun dipirig ku kabungah.


13 Simkuring jeung batur-batur ku

Paulus dititah balayar ti heula ka Asos.


Saurna, anjeunna kudu dipegat di dinya;
da anjeunna mah, rek mapay jalan
darat.
14 Sanggeus tepung di Asos, sarerea

unggah kana kapal pikeun balayar ka


Mitilena.
15 Ti dinya, sarerea balayar deui:

Isukna, geus paeunteung-eunteung


jeung pulo Kios; pagetona, nyimpang ka
pulo Samos; isukna deui, nepi ka nagri
Mileta.
16 Ku Paulus geus diputus teu kudu

nyimpang ka Epesus, bisi waktu beak di


Asia. Sabab anjeunna, keur rurusuhan;
Nya sabisa-bisa mah, anjeunna, hayang
geus aya di Yerusalem teh dina hari raya
Paska.
17 Ti Mileta nitahan jurungan ka Epesus,

manggil kokolot jamaah.


18 Cek Paulus ka kokolot-kokolot, —

sanggeusna daratang — “Pagawean


simkuring, sapanjang jeung aranjeun,
KISAH PARA RASUL 20.19– 24 121
ti barang nincak Asia, ku aranjeun geus
kasaksi.
19 Tangtu kataringali, simkuring bakti

ka Gusti teh bari eling kana kalaipan diri,


sering ragragan cipanon, sarta teu arang
manggih cocoba diarah-arah ku urang
Yahudi.
20 Tangtu karasa ku aranjeun, yen

simkuring tara towong nyaturkeun sakur


nu baris mangpa'at keur aranjeun. Tara
towong mere nasehat, boh di tempat
umum, boh di rumah-rumah tangga
aranjeun.
21 Teu kendat-kendat ngelingan, nya

ka urang Yahudi, nya ka urang Yunani,


malar tarobat ka Allah jeung ariman ka
Isa, Gusti Jungjunan urang.
22 Ayeuna, simkuring teh ku Ruh Allah

dipundut kudu ka Yerusalem; bari jeung


teu terang, nasib nu kumaha nu baris
kasorang ku simkuring.
23 Iwal ti anu digambarkeun ku

Anjeunna, ka simkuring, yen di unggal


tempat anu didatangan, simkuring teh
keur didago ku panjara sarta didodoho
ku sangsara.
24 Najan kitu, simkuring moal rek

lebar ku nyawa, dapon anu jadi tujuan


KISAH PARA RASUL 20.25– 30 122
kahontal, nya eta ngarengsekeun
papancen ti Isa, Gusti Jungjunan urang,
ngawawarkeun hal kurnia piwelas Allah.
25 Simkuring geus boga pirasat yen

moal patembong beungeut deui jeung


aranjeun, nu beunang simkuring neang
jeung ngawurukan hal Karajaan Allah.
26 Tumali jeung eta, poe ieu seja

nganyatakeun, yen simkuring henteu


hutang nyawa ka sakur anu baris
barinasa.
27 Sabab sakabeh pangersa Allah,

ku simkuring geus diwawarkeun ka


aranjeun taya towongna.
28 Kawajiban aranjeun ayeuna, nya

eta kudu jaga diri sarta ngajaga


pakumpulan. Sabab aranjeun, ku Ruh
Allah geus diangkat kana ngaraksa-
ngariksa eta jamaah kagungan Allah,
kenging-Na nebus ku getih-Na ku
anjeun.
29 Ku simkuring parantos kasawang, di

mana aranjeun geus ditinggalkeun baris


kadatangan kerud-kerud, nya garalak,
nya ngagalaksak ka jamaah.
30 Turug-turug, ti kalangan aranjeun

keneh oge, baris aya nu nyebarkeun


KISAH PARA RASUL 20.31– 35 123
piwuruk palsu pikeun narik murid-murid
sina bariluk ka pihakna.
31 Ku sabab eta, aranjeun sing areling.

Poma sing aringet, yen simkuring


teh tepi ka tilu taun nya mamatahan
ka aranjeun taya towongna beurang
peuting, dibarung ku hujan cipanon.
32 Ayeuna aranjeun dipasrahkeun ka

Pangeran jeung kana pangandika ciciren


welas asih-Na, nu kawasa ngawangun
aranjeun jeung maparin ganjaran,
anu disadiakeun keur sakur anu geus
disucikeun ku Anjeunna.
33 Simkuring, ka saha bae oge, tara

menta pupulur, naha emas, naha perak,


atawa papakean.
34 Ku aranjeun oge katembong, sagala

kaperluan simkuring sabatur-batur


enggoning ngalalana, kabeh oge
beunang itikurih leungeun sorangan.
35 Dina sagala hal, simkuring teh mere

conto, yen urang teh kudu banting


tulang supaya bisa tutulung, nya nalang
ka anu susah tea. Aranjeun sing aringet
kana kasauran Isa, Gusti Jungjunan
urang, anu kieu: ‘Bagja keneh mere
batan dibere.’”
KISAH PARA RASUL 20.36 –21.4 124
36 Tamat mere amanat; brek, Paulus
tapak deku ngadu'a ka Gusti Allah jeung
maranehna.
37 Awahing ku naralangsa maranehna,

nepi ka tingsalegruk; terus pada


ngararangkul ka anjeunna bari
nyariuman.
38 Pangpangna mah, kagagas ku

kekecapanana anu nyebutkeun moal


patembong beungeut deui. Sanggeus
cacap sarosonoan, Paulus dijajapkeun
nepi kana kapal.
1 Sanggeus silih pileuleuyankeun,

21 bral, simkuring sabatur-batur


balayar ngajugjug pulo Kos. Isukna, jol,
di pulo Rodos; tuluy diteruskeun deui ka
nagri Patara.
2 Di dinya, simkuring sabatur-batur

pindah kana kapal anu rek ka Punikia.


3 Pulo Siprus anu tembong ngalamuk

di beulah kenca teh, diliwat; kebat bae


ka tanah Sam; tuluy barang geus tepi
ka Palabuhan Tirus kapal balabuh sabab
muatan kapal kudu dibongkar di dinya.
4 Simkuring sabatur-batur turun

tina kapal, terus neang imah murid-


murid anu aya di dinya; simkuring
sabatur-batur teh nganjrek heula di
KISAH PARA RASUL 21.5 –8 125
dinya, meunang tujuh poe. Di dinya,
murid-murid meunang harewos ti Ruh,
seug malihatur ka Paulus, nyarek ulah
terus ka Yerusalem.
5 Tapi dina waktuna indit mah,

simkuring sabatur-batur oge arindit


pikeun neruskeun perjalanan; simkuring
sabatur-batur teh, dialanteur ku murid-
murid, saanak bojona, nepi ka basisir.
Tuluy, brek bae, simkuring sabatur-batur
jeung murid-murid tapak deku bari
ngadu'a ka Allah, terus uluk salam.
6 Sanggeus kabeh arunggah kana kapal,

nu ngalanteurkeun marulang deui ka


kota.
7 Ti Tirus, simkuring sabatur-batur

balayar ka nagri Petolomais, tuluy


nganjrek heula di murid-murid nu araya
di dinya, sapoe.
8 Isukna, simkuring sabatur-batur

teh, neruskeun lalampahan nepi ka


nagri Kesarea; di dinya, simkuring
sabatur-batur manggihan nu ngaran
Pilipus, juru Injil; anjeunna teh, salah
saurang ti antara tujuh juru laden anu di
Yerusalem tea; tuluy simkuring sabatur-
batur teh, nganjrek di dinya.
KISAH PARA RASUL 21.9–14 126
9 Ari Pilipus teh boga opat anak
parawan; opatanana geus kersaning
Allah barisa narubuwat.
10 Sanggeus meunang sawatara poe,

aya nabi ti Yudea ngaranna Agabus.


11 Barang tepung jeung simkuring

sabatur-batur, kek bae, anjeunna kana


beubeur Paulus, terus dibuka dipake
nalian panangan jeung sampeanana ku
anjeun. Pok nyarios, “Kieu saur Ruh
Allah: Anu boga ieu beubeur bakal
dibarogod kieu, — kawas kaula ayeuna
— ku urang Yahudi di Yerusalem sarta
bakal diserenkeun ka bangsa sejen.”
12 Ku sabab hal eta, simkuring sabatur-

batur sarta dulur-dulur di dinya pada


muntangan Paulus, supaya ulah tulus ka
Yerusalemna.
13 Tapi Paulus keukeuh bari saurna,

“Naha make dicaleungceurikan, nyiar-


nyiar pinalangsaeun simkuring? Ulah
boro ngan semet dibarogod wungkul;
simkuring mah, dalah nepi ka nemahan
pati di Yerusalem ge, — ari tina lantaran
anut ka Isa, Gusti Jungjunan urang —
sumeja pasrah sumerah.”
14 Ku sabab anjeunna teu beunang

dihulang; ahirna mah, anjeunna ku


KISAH PARA RASUL 21.15– 20 127
sarerea diridokeun, aromongna, “Atuh
ayeuna mah ngan kantun sumerah kana
pangersa Gusti urang bae.”
15 Di Kesareana, simkuring sabatur-

batur, meunang sababaraha poe, terus


maraju deui muru ka Yerusalem.
16 Aya oge murid-murid anu marilu,

malah nyimpangkeun simkuring sabatur-


batur ka imah hiji murid nu ngaran
Menason, — urang Siprus anu geus
heubeul jadi murid — maksudna rek
dibawa nganjrek di dinya.
17 Sadatangna ka Yerusalem, kabeh

duduluran pohara ngabageakeunana.


18 Isukna, Paulus sakanca-kanca ka

imah Yakobus, nepungan kokolot-kokolot


anu geus kumpul di dinya.
19 Sanggeus uluk salam, Paulus muka

carita. Anjeunna ngadadarkeun sakabeh


padamelan Allah anu diembankeun ka
anjeunna di kalangan bangsa-bangsa
sejen, ti awal nepi ka ahir.
20 Parakokolot maruji ngagungkeun ka

Allah, bari terus nyarita kieu, “Saderek


Paulus! Tangtos saderek tingali, parantos
mangrebu-rebu urang Yahudi anu
ngariring percaya tur sadayana saregep
kana Toret.
KISAH PARA RASUL 21.21– 26 128
21 Tapi maranehna ngaruping wartos,
majar teh saderek ngajarkeun anu
nyimpang tina hukum Toret ka
urang Yahudi anu marukim di nagara
deungeun, yen barudakna teu perlu
disunat, teu perlu ngukuhan adat urang.
22 Ayeuna kumaha, margi tangtos

maranehna ngaruping saderek sumping


ka dieu.
23 Kumaha upami kieu: Kaleresan di

dieu aya opatan anu garaduh panadaran.


24 Saderek ngiring susuci bareng sareng

maranehna; paparin bae waragad keur


ongkos cukur maranehna. Ku jalan
kieu, engke kaciri ku sadaya yen anu
kawartoskeun ka maranehna teh henteu
leres, margina katingal saderek oge
nedunan hukum Toret.
25 Bangsa-bangsa sanes anu parantos

ngariring ariman mah parantos diseratan


ti dieu, yen kedah mantrang kadaharan
sasajen keur brahala, mantrang
ngadahar getih kitu deui kana lakuning
sahwat anu ingkar tina susila.”
26 Isukna, Paulus susuci bareng

jeung anu opatan tea, nurutkeun


sakumaha nasehat. Anggeus susuci,
terus Paulus sabatur-batur ka Bait Allah,
KISAH PARA RASUL 21.27– 30 129
nya eta pikeun mopoyankeun waktu
pitamateunana susuci sarta waktuna
nyaranggakeun kurban nyumponan
panadaran.
27 Barang geus rek tujuh poe, urang

Yahudi anu ti Asia narenjoeun, yen


Paulus aya di Bait Allah. Paulus
ditewak ku maranehna bari tingharaok
ngahucuhkeun jalma rea,
28 aromongna, “He, urang Israil,

barantuan! Ieu yeuh jelema tukang


ngosol-ngosol batur di mana-mana teh,
supaya ngamusuhan bangsa urang,
sina arijid kana Toret jeung ka nagara
urang! Tenjo, ayeuna oge manehna
ngasupkeun urang Yunani ka Bait Allah
pikeun ngananajis tempat suci!”
29 Cararekna kitu teh, pedah keur aya di

kota keneh, katarenjoeun ku maranehna,


yen Paulus teh bareng jeung Tropimus
urang Epesus tea; panyangkana, Paulus
mawa asup Tropimus ka Bait Allah.
30 Gancangna terus geunjleung

sadadayeuh, jalma-jalma terus napuk


ngoroyok ka Paulus. Paulus digusur ti
jero Bait Allah, panto-pantona, kabeh,
geuwat bae ditutup-tutupkeun.
KISAH PARA RASUL 21.31– 37 130
31 Paulus rek tuluy dipaehan. Tapi
aweuhan geunjleung sa- Yerusalem teh
geus aya nu ngalaporkeun ka komandan
pasukan.
32 Teu tempo deui, anjeunna mepek

balad saperwira-perwirana, terus


diangsitkeun muru tempat kaributan.
Barang komandan anu mawa pasukan
teh, jebul, didinya; kakara anu
nareunggeulan Paulus teh areureun.
33 Paulus ku komandan disampeurkeun

terus ditangkep, sina dibarogod ku rante


dua beulitan. Komandan papariksa saha
anjeunna jeung naon dosana.
34 Jelema-jelema narembalanana

tinggorowok, cek ieu kieu, cek itu kitu.


Ku sabab teu meunang katerangan
anu bener, — lantaran tinggorowok teu
puguh dengekeunana — Paulus disina
dibawa ka markas.
35 Nepi kana tangga markas, Paulus

kapaksa kudu dipunggu ku serdadu-


serdadu.
36 Sabab kagencet ku jalma rea anu

terus naluturkeun bari tingharaok,


“Paehan mangkeluk kitu mah!”
37 Barang rek diasupkeun ka jero

markas, Paulus mihatur ka komandan,


KISAH PARA RASUL 21.38 –22.4 131
“Kenging simkuring mihatur?” Jawab
komandan, “Kutan bisa basa Yunani?
38 Lain maneh teh urang Mesir tea,

anu bareto nyieun huru-hara jeung


mawa kabur pemberontak bersenjata ka
leuweung kikisik?”
39 Waler Paulus, “Simkuring urang

Yahudi, asal ti Tarsus kota anu kaceluk


di tanah Kilikia. Simkuring neda idin
nyarita ka eta jalmi-jalmi.”
40 Kieu kasauranana,
1 “Dulur-dulur sareng bapa-

22 bapa: Simkuring amit seja


ngahaturkeun katerangan.”
2 Ngadarenge anjeunna ngagunakeun

basa Ibrani, jelema- jelema beuki jempe.


3 Paulus neruskeun, “Simkuring teh

bangsa Ibrani, lahir di Tarsus bawahan


Kilikia, nanging digedekeun di dieu.
Kenging didikan dina panalingaan ahli
hukum jenengan Gamaliel, dididik
enya-enya ngulik-ngulik palaturan Toret
karuhun urang, nepi ka jadi jelema anu
suhud ngalakonan parentah Allah, cara
aranjeun ayeuna.
4 Simkuring, bareto mah tukang

nganiaya panganut-panganut agama


anu ayeuna dianut ku simkuring, nepi
KISAH PARA RASUL 22.5 –8 132
ka maranehna naremahan pati. Nu
ditangkepan ku simkuring mangpirang-
pirang, awewe lalaki, dijeblos-jebloskeun
ka pangbuian.
5 Kalakuan simkuring anu kitu teh,

kasaksian pisan ku Panghulu Agung;


kitu deui, ku sarengrengan sesepuh.
Sakali mangsa, simkuring dibahanan
surat kawasa ku aranjeunna keur ka
dulur-dulur sabangsa anu maratuh di
Damsik. Iang teh ngandung niat seja
newakan panganut-panganut eta agama,
nya eta pikeun digiring ka Yerusalem
sina diharukum.
6 Sabot di jalan keneh, teu pati jauh

deui ti Damsik; kira-kira wanci tengah


poe, dumadakan simkuring kasorot ku
hiji cahaya ti langit.
7 Bluk bae, simkuring tibeubeut kana

taneuh; teras aya soara anu ditujulkeun


ka simkuring, pokna: ‘Saulus, Saulus!
Ku naon maneh nganiaya ka Kami?’
8 Simkuring ngawalon: Saha anjeun

teh, Jungjunan? Ari waler-Na: ‘Kami


teh Isa, urang Nasaret, nya anu keur
dikaniaya ku maneh!’
KISAH PARA RASUL 22.9–14 133
9 Babaturan anu marengan simkuring
ge, sami naringal kana eta cahaya teh;
ngan gentra tea mah, teu kadarengeeun.
10 Sanggem simkuring: Nun Junjungan,

kedah kumaha abdi teh? Waler-Na:


‘Geura cengkat, teruskeun ka Damsik.
Engke, di ditu, ku Kami dibejaan naon
pilampaheun.’
11 Asup ka Damsik teh, dugi ka

ditungtun-tungtun. Sabab urut kasorot


cahaya teh, jadi teu tiasa ningal
naon-naon.
12 Di eta kota, aya hiji jalmi wastana

Ananias. Anjeunna teh, jalmi ibadah anu


tuhu kana hukum Toret sareng hade
kasebutkeunana ku urang Yahudi anu
maratuh di dinya.
13 Anjeunna ngalayad ka simkuring,

saurna: ‘Paulus, saderek sing bisa ningali


deui.’ Sapada harita keneh, simkuring
bisa deui ningal, teras mencrong ka
anjeunna.
14 Saurna deui: ‘Saderek teh, ku Allah

nu disembah ku karuhun urang, parantos


dipilih malar ngartos kana pangersa-Na,
supados weruh ka Nu Langkung Bener
tea, sareng nguping gentra-Na tina
lambey-Na ku anjeun.
KISAH PARA RASUL 22.15– 20 134
15 Margi, saderek teh, bakal dijieun
saksi pikeun sagala perkara anu engke
ku anjeun baris katingal sareng kakuping
ti Mantenna.
16 Ayeuna bade ngantos naon deui?

Mangga urang baptis bari nyambat


pajenengana-Na, supados dosa-dosa
anjeun disucikeun.’
17 Saterasna, waktu simkuring aya di

Yerusalem, nya eta di Bait Allah; leng


bae, simkuring kaancikan ku kawasa
ilahi.
18 Sajeroning kitu, breh bae, simkuring

ningal Mantenna, ngadawuh kieu:


‘Buru-buru, ayeuna keneh, tinggalkeun
Yerusalem. Sabab urang dieu,
arembungeun ngadarenge katerangan
maneh tina hal Kami.’
19 Simkuring ngawangsul: Nun Gusti

Jungjunan simabdi, maranehna tangtos


tarerangeun, yen abdi teh, asalna tukang
nganiaya sareng ngagusuran jalmi-jalmi
anu aranut ka Anjeun ti tempat-tempat
ibadah pikeun dijeblos-jebloskeun ka
panjara.
20 Kitu deui nalika pun Stepanus,

sahid Gusti tea mandi getih, abdi


oge ngiring nyakseni sarta nyatujuan
KISAH PARA RASUL 22.21– 26 135
bari mangnungguankeun papakean
jalmi-jalmi anu maraehanana.
21 Dawuhana-Na deui: ‘Indit bae, sabab

maneh ku Kami rek diutus ka nu jauh,


ka bangsa deungeun.’”
22 Barang Paulus nyaritana nepi ka

lebah dinya, — jelema-jelema anu tadina


jempling teh — ger bae, tinggorowok,
“Singkirkeun eta jelema teh ti alam
dunya, hirup ge cumah bae!”
23 Tinggorowokna teu eureun-eureun

bari ngalung-ngalungkeun jubahna


masing-masing jeung ngawur-
ngawurkeun taneuh ngebul.
24 Ku sabab eta, Paulus ku komandan

diparentahkeun dibawa ka markas,


arek dirangket supaya daek nerangkeun
naon dosana pangna nepi ka sakitu
dikakalakeunana.
25 Barang geus dipentang, rek

dirangket, Paulus sasauran ka hiji


perwira di gigireunana, “Na wenang
anjeun ngarangket warga nagara Rum
tur perkarana acan dipariksa?”
26 Si perwira terus laporan ka

komandanna, pokna, “Bapa, eta jelema


teh geuning warga nagara Rum. Ayeuna
bade dikumahakeun?”
KISAH PARA RASUL 22.27 –23.2 136
27 Ti dinya komandan nyampeurkeun,
mariksa ka Paulus, “Na enya maneh
warga nagara Rum?” Walon Paulus,
“Yaktos.”
28 Saur komandan, “Kami mah jadi

warga nagara Rum teh beunang meuli


mahal kacida.” Walon Paulus, “Simkuring
mah memang turunan.”
29 Nu rek ngarangket terus undur, teu

tulus ngarangketna. Barang nyaho,


yen Paulus teh warga nagara Rum; eta
komandan teh, malik risi.
30 Tapi anjeunna, ngarasa wajib

nalungtik; naon saenyana dosa Paulus


ka urang-urang Yahudi teh. Ku sabab
eta, isukna Paulus dikaluarkeun tina
tahanan, barogodna dilesotkeun. Geus
kitu, komandan nyaur imam-imam
kapala katut rengrengan Mahkamah
Agama; tuluy Paulus dijagragkeun sina
dipariksa.
1 Bari neuteup ka rengrengan

23 Majelis, Paulus mihatur, “Para


saderek! Dugi ka wanci ieu, simkuring
lumampah di payuneun Allah kalawan
budi rasa anu saiklas-iklasna.”
2 Kakara sakitu sasauranana, ku

Panghulu Agung Ananias, anjeunna


KISAH PARA RASUL 23.3 –7 137
dititah dicabok ku anu deukeut ka
anjeunna.
3 Tapi ku Paulus dibales kieu, “Eh jalma

pupulasan, anu lir tembok bodas balas


dikapur, anjeun engke bakal keuna ku
panyabok Allah. Anjeun, di dieu teh, keur
ngahakiman anu saluyu jeung hukum
Toret. Naha marentah nyabok, apan eta
teh mengpar tina hukum”
4 Geus kitu, anjeunna aya anu nyentak,

“Maneh wani kumalancang ka Panghulu


Agung Pangeran?”
5 Walon Paulus, “Panginten simkuring

teh, sanes Panghulu Agung. Leres, cek


Kitab oge: ‘Maneh ulah ngagorengkeun
anu jadi pamingpin bangsa.’”
6 Saterusna, dumeh Paulus terangeun

yen eta majelis teh diwangun ku


golongan Parisi jeung Saduki, anjeunna
mihatur kieu, “Saderek-saderek,
simkuring teh urang Parisi, turunan
Parisi. Dugi ka ngalaman sarupi kieu teh
lantaran percaya kana pihudangeunana
anu maraot.”
7 Balukar tina ucapanana, ger bae, di

dinya jadi cekcok antara golongan Parisi


jeung golongan Saduki, nya pabentar
paham.
KISAH PARA RASUL 23.8–12 138
8 Sababna, cek kayakinan urang Saduki
mah kiamat, malaikat, atawa roh teh
euweuh; sabalikna, urang Parisi mah
percaya yen aya.
9 Tuluyna mah, eta dua pihak jadi

patorong-torong. Neut, sawatara ahli


Kitab ti golongan Parisi narangtung terus
padu, pokna, “Eta jelema cek kaula
euweuh kasalahanana! Kawasna bae,
aya roh atawa malaikat anu sasauran ka
manehna.”
10 Ku sabab pasentrokan beuki

harengheng, komandan inggiseun,


bisi Paulus dipagorenyangkeun; tuluy
anjeunna marentah pasukan kudu turun
ngabedol Paulus ti tengah sidang, sina
diasupkeun ka markas.
11 Barang geus peuting, Gusti Jungjunan

urang nembongan ka Paulus, ngadeg


sagigireunana sarta ngadawuh, “Sing
gede hate. Sabab sakumaha maneh
geus sakitu wanina jadi saksi Kami di
Yerusalem; engke, di nagara Rum oge,
kudu kitu.”
12 Poe isukna, urang-urang Yahudi teh

nyieun komplotan; seug maranehna


sarumpah yen moal nyatu moal nginum
samemeh bisa maehan Paulus.
KISAH PARA RASUL 23.13– 19 139
13 Eta komplotan teh, lobana, opat
puluh urang leuwih.
14 Maranehna daratang ka Panghulu

Agung, ngaromong kieu, “Abdi sadaya


parantos sarumpah moal neda moal
nginum samemeh tiasa maehan Paulus.
15 Mugi bapa sareng Mahkamah Agama

usul ka komandan, supados si Paulus


dibantun deui ka dieu, pura-pura bade
dipariksa deui langkung paos. Abdi-abdi
sanggup maehan manehna samemeh
dongkap ka dieu.”
16 Sukur eta akal jahat teh katohyan

ku alona Paulus, anak dulurna awewe.


Tuluy manehna indit ka markas, menta
nepungan Paulus sarta popoyan.
17 Geus kitu, Paulus nyauran hiji

opsir; saurna, “Pangdeuheuskeun ieu


budak ngora ka komandan, bade aya
pisanggemeun.”
18 Tuluy ku eta opsir, manehna dibawa

ka komandan sarta pokna, “Sakitan


Paulus ngageroan ka abdi, nyuhunkeun
dipangdeuheuskeun ieu pamuda, aya
anu bade diunjukkeun.”
19 Ceg, komandan nyekel kana leungeun

si pamuda tea, terus dibawa nyingkur


sarta dipariksa, “Aya beja naon?”
KISAH PARA RASUL 23.20– 24 140
20 Jawabna, “Juragan, urang Yahudi
teh parantos baradami. Enjing, Paulus
teh bade disuhunkeun supados juragan
nyandak deui anjeunna ka pangadilan,
pura-purana mah bade diparios deui anu
langkung paos.
21 Tapi eta teh, ulah dipercanten; margi

sayaktosna mah, anjeunna teh bade


dipegat ku opat puluh jalmi langkung.
Maranehna parantos sarumpah moal
neda moal nginum samemeh tiasa
maehan Paulus. Ayeuna, maranehna
parantos taki-taki kantun ngantos
putusan ti juragan.”
22 Si pamuda teh ku komandan dijurung

balik bari diomat-omatan, “Kahade, ulah


kanyahoan yen maneh bebeja ka kami.”
23 Geus kitu, komandan manggil

perwirana duaan sarta parentahna,


“Siapkeun perjurit dua ratus urang,
pasukan kuda tujuh puluh urang,
pasukan tumbak dua ratus urang;
inditkeun engke peuting pukul salapan
ka Kesarea.
24 Anteurkeun Paulus ka

gupernur Peliks, sadiakeun kalde


tumpakaneunana. Jaga sing kuat, ulah
nepi ka cilaka.”
KISAH PARA RASUL 23.25– 30 141
25 Tidinya komandan nyieun surat:
26 “Konjuk hing pangersa anu mulya,
gupernur Peliks. Ieu serat ti simkuring,
Klaudius Lisias; ngahaturkeun wilujeng.
27 Ieu jalmi ditangkep ku urang

Yahudi bade dipaehan, nanging


kabujeng dicegah ku simkuring sareng
pasukan. Salajengna, manehna, ku
simkuring dibebaskeun; margi manehna
ngakukeun warga nagara Rum.
28 Nanging supados katalungtik

perkawis dakwaanana, ku simkuring


dijagragkeun ka Mahkamah Agama
maranehna.
29 Anu kapendak ku simkuring, dakwaan

ka manehna teh ngeunaan sual-sual


hukum Toret maranehna. Dosana nu
manjing hukum pati atanapi bui mah,
teu aya.
30 Teras aya jalmi ngawartosan, yen

aya komplotan anu masang baya bade


maehan ka manehna. Ku margi kitu, ku
simkuring diparentahkeun dibantun ka
kersa gupernur. Ka pihak anu ngadakwa,
parantos diwartosan yen ieu perkawis
kedah diasongkeun ka kersa salira.”
KISAH PARA RASUL 23.31 –24.2 142
31 Saluyu jeung parentah, peutingna,
Paulus dicokot ku pasukan pangawal
dibawa ka nagara Antipatris.
32 Isukna, sabagian pasukan baralik

deui ka markas. Sedengkeun anu ngawal


Paulus saterusna mah, ngan pasukan
kuda.
33 Sadatangna ka kota Kesarea, surat

disanggakeun ka gupernur sarta Paulus


diserenkeun.
34 Sanggeus surat diaos, gupernur

mariksa ka Paulus asal ti propinsi mana.


Sanggeus kauninga yen asalna ti Kilikia,
35 saur gupernur, “Perkara maneh

baris dipariksa ku kami, lamun nu


ngadarakwana geus ka darieu.” Paulus,
ku anjeunna, ditahan di karaton raja
Herodes.
1 Heuleut lima poe, Ananias

24 Panghulu Agung tea, sumping


ku anjeun ka gupernur; manehna
dibarengan ku sawatara kokolot bangsa
jeung pokrol saurang ngaran Tertulus,
anu rek ngadakwa Paulus.
2 Sanggeus Paulus disaur, galantang

Tertulus ngelakkeun, kieu pokpokanana,


“Bapa gupernur anu mulya. Kalayan
berkah tarekah bapa gupernur, abdi-abdi
KISAH PARA RASUL 24.3 –8 143
teu kendat-kendat ginanjar kani'matan
tur karaos, yen bangsa abdi aya dina
kamajengan ku kawijaksanaan bapa
gupernur.
3 Eta sadayana, boh di mana bae

sapapaosna estu katampi, kasuhun ku


abdi-abdi sadaya.
4 Ayeuna, supados waktos bapa henteu

patos kaganggu, bade dibujeng enggalna


bae seja nyuhunkeun sih citeres bapa
gupernur anu parantos kakoncara,
mugi kersa ngadangukeun ieu pihatur
sakedap.
5 Ieu jalmi teh parantos nyata jadi

sasalad, tukang nagiwurkeun urang-


urang Yahudi di sa-alam dunya, hiji
ulon-ulon ti madhab agama Masihi.
6 Malah kantos nyobi-nyobi menalkeun

kasucian Bait Allah. Kitu kawitna, nu


mawi ku abdi sadaya ditangkep, bade
dihukum anu satimpal numutkeun
hukum Toret bangsa Yahudi.
7 Nanging kapegat ku komandan

Lisias, eta jalmi teh dileupaskeun tina


genggeman abdi-abdi.
8 Saurna, upami bade ngadakwa mah,

kedah ka Gupernur bae. Upami jinisna


ku bapa diparios, tangtos baris ka uninga
KISAH PARA RASUL 24.9–14 144
saniskanten pakelakan abdi sadaya ka
dirina.”
9 Kitu dakwaanana sarta dikuatkeun ku

urang-urang Yahudi yen memang kitu


duduk perkarana.
10 Gupernur maparin isarah ka Paulus

miwarang nyarita. Pok Paulus sasauran,


“Ku margi Bapa Gupernur parantos
mangtaun-taun ngatur ieu bangsa,
simabdi moal asa-asa deui ngunjukkeun
ieu perkawis.
11 Bapa tangtos langkung tingali,

simabdi aya di Yerusalem teh nembe dua


welas dinten kalangkung, nya eta bade
ngalakonan ibadah.
12 Iraha tea simabdi sok kapendak

papaduan, sumawonten ngarusuhkeun,


boh di Bait Allah, boh di tempat
pangibadahan, atanapi di tempat
sanesna di kota.
13 Aranjeunna sorangan moal tariasa

ngabuktikeun pangdakwaanana.
14 Nanging sumeja diangken pisan ku

simabdi, yen sajeroning babakti ka Allah


nu disembah ku karuhun simabdi sarerea
teh, abdi nganut Jalan Lempeng; nya
hiji agama anu ku aranjeunna disebut
Madhab.
KISAH PARA RASUL 24.15– 20 145
15 Abdi ngagaduhan pangarep-ngarep
ka Allah, sami sareng anu diarep-arep ku
aranjeunna, nya eta pangarep-ngarep
kana hudangna deui anu maraot, boh
anu ibadah, boh nu doraka.
16 Dumasar kana eta pangarep-ngarep,

sapapaosna abdi teh ihtiar satekah


polah supados hirup teh taya kuciwana
di payuneun Allah; pon kitu deui ka
sasama.
17 Mangtaun-taun abdi lunta ti

Yerusalem, wangsul deui teh sumeja


amal ibadah ka sasama bangsa sareng
bade ngalampahkeun kurban.
18 Sabot ngalaksanakeun niat, nya eta

nuju abdi aya di Bait Allah, kasampak ku


urang-urang Yahudi ti Asia. Harita abdi
teh nembe ngalakonan susuci,
19 teu ngabantun jalmi seueur sareng

henteu aya karusuhan. Ku emutan,


pantesna mah anu ngadakwa teh, ya eta
urang Yahudi anu ti Asia, upami aya tea
mah kelakeunana.
20 Nanging anu ayeuna parantos araya

di dieu oge mangga teh teuing bade


ngadakwa mah, naon dosa abdi anu
kapendak ku aranjeunna nalika diparios
ku Mahkamah Agama.
KISAH PARA RASUL 24.21– 25 146
21 Rupina anu dianggap dosa ku
aranjeunna teh ku margi simabdi harita
nyebatkeun kieu: Lantaran percaya kana
pihudangeunana anu maraot, simkuring
dijagragkeun ka ieu Mahkamah Agama.”
22 Tapi lantaran Gupernur Peliks

parantos apal kana seluk-belukna Jalan


Lempeng, papariksaan ku anjeunna
ditunda. Saurna, “Ieu perkara ku kami
rek diputus upama komandan Lisias
geus datang.”
23 Geus kitu, anjeunna marentah

ka perwira tea, supaya Paulus tetep


ditahan, tapi tahanan enteng bae; bari
saurna, bisi aya kanca mitrana anu niat
ngalaladenan kaperluan anjeunna, ulah
dihalang-halang.
24 Sawatara poe ti harita, Gupernur

Peliks sumping deui jeung Drusila


geureuhana, urang Yahudi. Paulus
disaur, ditimbalan nyaritakeun sual iman
kapercayaanana ka Isa Al Masih.
25 Barang ngabandunganana nepi kana

sual bebeneran, sual mawas diri jeung


sual hukuman aherat, anjeunna kacida
sieuneunana; tuluy anjeunna sasauran
ka Paulus, “Cukup, sakitu bae heula;
KISAH PARA RASUL 24.26 –25.4 147
jung, ka ditu deui. Mun kami aya waktu
engke maneh disaur deui.”
26 Sajeroning kitu, Gupernur Peliks

teh dina manahna mah, ngarep-ngarep


kana hadiah duit ti Paulus. Ku sabab
eta, Paulus mindeng pisan disaur diajak
gunem catur.
27 Tapi heuleut dua tahun, gupernur

teh diganti ku Perkius Pestus. Ari Paulus


angger keneh diantep dina tahanan,
dumeh Gupernur Peliks teh hayang
kapake ku urang Yahudi.
1 Sanggeus tilu poe, aya di eta

25 propinsi, Pestus miang ti Kesarea


ka Yerusalem.
2 Ti dinya, imam-imam kapala jeung

urang Yahudi golongan terkemuka


daratang ngadeuheus pikeun ngadakwa
Paulus.
3 Malah ngasongkeun pamenta anu

ngabahayakeun Paulus, nya eta supaya


Paulus diparentahkeun dibawa ka
Yerusalem. Ku maranehna geus diatur,
nya eta rek dipegat di tengah jalan baris
dipaehan.
4 Tapi saur Pestus, Paulus teh rek

ditahan di Kesarea bae; da anjeunna


baris buru-buru ka ditu deui.
KISAH PARA RASUL 25.5–10 148
5 Saurna deui, “Alusna mah, anu
nyarangking wewenang di aranjeun
bareng jeung kula ka daritu. Pek
manehna dakwa di ditu, ari enya aya
kasalahanana mah.”
6 Pestus, di Yerusalemna, kira-kira

ngan dalapan atawa sapuluh poe; tuluy


anjeunna mulang ka Kesarea. Poe
isukna, anjeunna marentahkeun ngala
Paulus, rek disidangkeun perkarana.
7 Sanggeus Paulus aya di pangadilan,

ku urang Yahudi anu ti Yerusalem


dilingkung, tuluy didakwa ku rupa-rupa
tudingan anu bareurat anu teu aya
buktina.
8 Sabalikna, Paulus ngabela diri,

kieu, “Simkuring henteu ngalanggar


naon-naon, boh ka Toret urang Yahudi,
boh ka Bait Allah, boh ka Sang Prabu.”
9 Tapi Pestus, ku sabab seja ngalap

hate urang Yahudi, mariksa, “Kumaha


upama maneh diiangkeun ka Yerusalem,
dipariksa di ditu di harepan ku kami?”
10 Walon Paulus, “Ku margi simkuring

parantos aya dina lingkungan pangadilan


Sang Prabu, dipariksa oge kedah di
dieu. Ku bapa oge kauninga leres-leres,
KISAH PARA RASUL 25.11– 15 149
simkuring ka urang Yahudi teh teu
pisan-pisan gaduh kalepatan.
11 Upami leres-leres simkuring lepat

atanapi nyieun kajahatan anu manjing


hukum pati, sukalilah simkuring seja
nampi. Sawangsulna, upami dakwaan
maranehna henteu leres, pihak mana oge
teu aya hakna nyerenkeun simkuring ka
manehna. Simkuring seja naek banding
ka Sang Prabu.”
12 Sanggeus anggota-anggota

pangadilan rundingan, Pestus ngawaler


ka Paulus, “Maneh geus naek banding ka
Sang Prabu, jadi kudu ka ditu, ngadep
ka anjeunna.”
13 Sawatara poe ti harita, sumping raja

Agripa jeung Bernika ka Pestus tawis


panghormat ka anjeunna.
14 Natamuna meunang sababaraha poe.

Ku Pestus dicariosan perkara Paulus,


saurna, “Di dieu aya hiji sakitan titinggal
Peliks anu nembe dialihkeun ti dieu tea.
15 Nalika simkuring ka Yerusalem, eta

sakitan teh didakwa ku imam-imam


kapala sareng ku sesepuh bangsa
Yahudi; malah saur aranjeunna mah, eta
sakitan teh, kedah ditibanan hukuman.
KISAH PARA RASUL 25.16– 21 150
16 Sanggem simkuring, bangsa Rum
henteu biasa masrahkeun atanapi
ngahadiahkeun sakitan kitu bae,
nya kedah lawung heula sareng anu
ngadakwana tur kedah dipaparin
kasempetan ngabela diri.
17 Bral bae, aranjeunna sarumping ka

dieu bareng sareng simkuring. Enjingna,


eta sakitan teh dijagragkeun, perkarana
disidangkeun.
18 Manehna dilingkung ku anu

ngadarakwana. Nanging maranehna,


teu tiasa ngabuktikeun kajahatan eta
sakitan. Ku simkuring oge parantos
kataksir kitu ti samemehna.
19 Perkarana mung ngeunaan sual-

sual agama sareng perkawis Isa, anu


sayaktosna parantos tilar dunya, nanging
numutkeun Paulus mah hirup deui.
20 Simkuring bingung, kumaha

mariksana perkawis sarupi kitu. Ku


margi eta, Paulus teh, ku simkuring
ditaros daek henteuna upami perkarana
dipariksa di Yerusalem.
21 Sanggemna bade naek banding.

Malah, samemeh perkarana diputus ku


sang Prabu bade ngantos dina tahanan
bae. Nya ditahan dongkap ka ayeuna,
KISAH PARA RASUL 25.22– 26 151
ngantos kana waktosna dideuheuskeun
ka sang Prabu.”
22 Saur Raja Agripa, “Simkuring hoyong

nguping ti jalmina sorangan.” Waler


Pestus, “Manawi, enjing oge tiasa.”
23 Poe isukna, raja Agripa sumping

ka Pangadilan, — nganggo anggoan


karajaan — dibarengan ku Bernika,
perwira-perwira, jeung jalma-
jalma anu parenting di kota eta.
Pestus marentahkeun supaya Paulus
dideuheuskeun.
24 Geus kitu, Pestus sasauran, “Kanjeng

raja Agripa anu mulya, miwah hadirin


sadaya. Ieu Jalmi, didakwa ku sakumna
urang Yahudi, boh ku nu di Yerusalem,
boh ku nu di darieu. Ceuk maranehna,
ieu jalmi ulah dibere hirup lila-lila.
25 Ku simkuring parantos dipariksa.

Nanging nya kitu, teu aya kalepatanana


anu manjing hukum pati. Ku margi
manehna nyuhunkeun naek banding,
ku simkuring bade diiangkeun ka sang
Prabu.
26 Nanging naon anu kedah

disanggemkeun ka sang Prabu,


margi teu aya sanggemkeuneunana.
Kitu margina, nu mawi ayeuna dibantun
KISAH PARA RASUL 25.27 –26.4 152
ka payuneun sadaya, utamina nya ka
pangersa raja Agripa. Nyuhunkeun
dipangmarioskeun, manawi aya
perkawisna anu pantes dihaturkeun ka
sang Prabu.
27 Margi ku emutan simkuring mah,

teu pantes ngintunkeun sakitan tanpa


katerangan-katerangan perkawis
dakwaanana.”
1 Saur raja Agripa ka Paulus,

26 “Maneh ayeuna aya kasempetan


ngabela diri.” Paulus ngacung mere
isarah; derekdek, ngucapkeun
pembelaanana, kieu,
2 “Nun raja Agripa nu mulya, simabdi

estu bagja wireh dinten ieu kawidian


ngabantah dakwaan-dakwaan ti urang
Yahudi.
3 Utamina mah, wireh kanjeng raja teh

leres-leres uninga kana adat istiadat


sareng hal ihwalna urang Yahudi. Ku
margi eta, disuhunkeun luntur galihna
mugia kersa ngadangukeun.
4 Simabdi, ti ngongora keneh dikenal

ku sakumna urang Yahudi teh; margi ti


aalit, simabdi teh matuh di Yerusalem, di
bangsa sorangan.
KISAH PARA RASUL 26.5–10 153
5 Sakitu lamina maranehna kenal ka
abdi. Jadi, upami perlu, maranehna tiasa
nerangkeun di dieu, yen abdi teh kantos
jadi urang Parisi, nya eta madhab agama
anu pangkeras-kerasna di urang.
6 Ayeuna, nu mawi dugi ka unggah

ka pangadilan teh, jalaran ngaharep


kana laksananing jangji Allah anu
dipaparinkeun ka karuhun urang
baheula;
7 tur diantos-antos pisan ku dua belas

kaom ti bangsa urang sareng dibarung


ku leket ibadah siang kalawan wengi.
Nya ku margi ngagaduhan pangharepan
eta, nu mawi abdi didakwa ku urang
Yahudi teh, nun kanjeng raja!
8 Naon margina hadirin sadaya dugi

ka nganggap mustahil, yen Allah tiasa


ngahudangkeun deui anu parantos
maot?
9 Boh kitu boh kieu, pamendak abdi oge

kapungkur mah sami sareng maranehna,


yen ngaran Isa, anu ti Nasaret teh kedah
dilawan sakuat-kuatna.
10 Eta oge kantos ku abdi dilampahkeun

di Yerusalem. Seueur pisan jalmi anu


palercaya ku abdi dijeblos-jebloskeun
ka panjara, margi dipasihan kawasa ti
KISAH PARA RASUL 26.11– 15 154
imam-imam kapala. Sanes kitu bae,
malah abdi kalintang satujuna upami
heug maranehna teh dihukum pati.
11 Sering pisan abdi nyiksa maranehna,

di tempat-tempat ibadah, maksa sina


mungkiran imanna. Kajurung ku hate nu
ceuceub, maranehna ku abdi dibeberik
dugi ka kota-kota di saluareun nagara.
12 Dina kaayaan kitu, hiji mangsa

simabdi mios ka Damsik, ngemban


kawasa anu gembleng sareng tugas ti
imam-imam kapala.
13 Dumadakan, nun kanjeng raja,

tengah dinten ereng-erengan;


satengahing jalan simabdi ningal aya
cahaya ti langit, nyorot ka abdi sabatur-
batur. Eta cahaya teh, ngagebyarna
langkung ti batan cahaya panonpoe.
14 Abdi sabatur-batur sami tibeubeut

kana taneuh. Lajeng abdi nguping soara,


ngucapna dina basa Ibrani, ditujulkeun
ka simabdi: ‘Saulus, Saulus, ku naon
nganiaya ka Kami? Cilaka maneh teh
nyepak panyocog mah!’
15 Ku abdi diwangsul: ‘Jungjunan, saha

Anjeun teh?’ Ari waler-Na, ‘Kami teh Isa,


anu keur dikaniaya ku maneh!
KISAH PARA RASUL 26.16– 20 155
16 Geura cengkat, pek nangtung. Kami
nembongan teh rek ngangkat maneh,
rek dijadikeun abdi sarta saksi ngeunaan
sagala hal nu ku maneh geus katenjo
sarta oge hal-hal anu ku Kami baris
ditembongkeun ka maneh.
17 Maneh teh, ku Kami geus kapilih ti ieu

bangsa sarta ti antara bangsa-bangsa


lianna. Engkena, maneh baris diutus ka
maranehna.
18 Nya, pikeun ngabeunta-beuntakeun

panonna, malar bisa maralik ti nu poek


ka nu caang sarta tina genggeman
kawasa Setan ka kersa Allah. Supaya
lamun geus palercaya ka Kami, dosana
meunang panghampura sarta sina
kabagian ganjaran anu geus disadiakeun
pikeun jelema-jelema anu geus
disucikeun.’
19 Kitu nu mawi, nun kanjeng raja, eta

titingalan ti sawarga teh ku abdi teu


pisan-pisan bade dilalaworakeun.
20 Anu ku abdi ngawitan diwawaran

teh, urang Yahudi anu di Damsik, di


Yerusalem, sareng nu aya di sakuliah
tanah Yudea. Bangsa-bangsa sanesna
oge teu kalarung; da sami kedah
tarobat, ngesto ka Allah; jabi ti eta,
KISAH PARA RASUL 26.21– 25 156
kalakuan-kalakuan dina hirupna oge
kedah cocog sareng eta pertobat.
21 Ku jalaran hal anu kitu, simabdi teh

ditangkep di Bait Allah ku urang Yahudi,


bade dipaehan.
22 Nanging berekah, ku pitulungna

Allah, abdi, salian tiasa keneh


kumelendang di alam dunya dugi ka
wangkid ieu, oge tiasa keneh maparin
panyaksen, boh ka rayat, boh ka para
pamingpinna. Hal anu diwawarkeun ku
abdi teh teu aya sanes, lintang ti anu
kapungkur-pungkur diwawarkeun ku
nabi-nabi sareng ku Musa.
23 Nya eta: Al Masih teh, memang

kedah nyandang sangsara sareng jadi


Anu pangpayunna hudang ti antara
anu maraot. Anjeunna oge baris
ngembarkeun hal caang, boh ka ieu
bangsa, boh ka bangsa sanesna.”
24 Tengah-tengah Paulus ngasongkeun

pertanggungan jawabna, ku Pestus


dipegat, saurna teugeug, “Gelo maneh,
Paulus! Weureu ku elmu mana kitu oge
maneh teh!”
25 Cek Paulus, “Abdi henteu gelo, nun

Pestus anu mulya! Pikiran abdi masih


KISAH PARA RASUL 26.26– 30 157
keneh waras. Anu disanggemkeun ku
abdi teh perkawis anu saleres-leresna.
26 Sagala perkawis sadayana oge

kauninga ku kanjeng raja. Kitu nu mawi


abdi wantun nyanggemkeun sabalakana
ka mantenna. Abdi yakin ieu perkawis
teh, sagala rupina oge, moal aya anu
teu kadangu ku mantenna; margi
kajadianana teh sanes di tempat anu
mencil.
27 Nun, kanjeng raja Agripa, kumaha

gamparan percanten ka paranabi?


Sanggem abdi mah tangtos kana
percantenna teh.”
28 Raja Agripa ngawaler, “Bis, bis bae

kami ka bongroy, hayang asup Masihi!”


29 Saur Paulus, “Ku abdi sumeja pisan

dipangnedakeun ka Allah. Supados sanes


bae kanjeng raja enggal-enggal sing
sami sapertos abdi, nanging lami-lami
mah anu sanes oge anu ayeuna hadir
ngabarandungan di dieu; nanging ulah
sami-sami kieu, nya dina kaayaan
dibangkol ku rante.”
30 Ti dinya sang raja ngadeg, dibarengan

ku wali nagara, ku Bernika jeung ku


sakabeh anu araya.
KISAH PARA RASUL 26.31 –27.4 158
31 Tuluy Aranjeunna kalaluar bari
guntreng, “Eta jalma teh teu aya dosana
anu manjing kana hukum pati atawa
panjara.”
32 Saur raja Agripa, “Sayaktosna, upami

manehna henteu terus naek banding ka


sang Prabu mah, da tiasa dibebaskeun.”
1 Sanggeusna diputus yen kudu

27 diiangkeun ka Itali, Paulus jeung


sawatara sakitan deui dipasrahkeun ka
hiji perwira ti resimen Prabu ku anjeun,
ngaranna Yulius.
2 Simkuring sabatur-batur

diunggahkeun kana kapal anu ti


Adramiti, nu rek balayar ka palabuan-
palabuan sapanjang basisir Asia. Aya
deui batur saurang nya eta Aristarkus
urang Makedoni ti Tesalonika.
3 Poe isukna, simkuring sabatur-batur

anjog ka palabuan Sidon. Kabeneran


Yulius teh bageur ka Paulus, ngidinan
anjeunna nepungan heula sobat-sobat
sina marekelan.
4 Ti Sidon, ku lantaran kapal mapag

angin, jadina balayar teh malipid pulo


Siprus.
KISAH PARA RASUL 27.5–11 159
5 Sanggeus ngaliwatan laut hareupeun
basisir Kilikia jeung Pampilia, kapal
anjog ka palabuan Mira di tanah Likia.
6 Di dinya simkuring sabatur-batur

dipindahkeun kana kapal anu tas ti nagri


Aleksandri seja terus ka Itali.
7 Meunang sababaraha poe, balayar teh,

meh taya lajuna. Hayang ngahontal kota


Kenidos oge, mehmehan teu sanggup.
Ku sabab angin angger goreng bae,
kapal teh jalanna mipir-mipir basisir pulo
Kreta liwat Tanjung Salmone.
8 Sanggeus hese beleke ngaliwatan

eta tanjung; jol bae, di hiji tempat anu


ngaranna Palabuan Endah, deukeut kota
Lasea.
9 Tapi waktu teh, geus loba pisan

kapiceunna. Sabab geus liwat usum


puasa jeung lamun diteruskeun balayar
teh loba pikarempaneunana. Ku sabab
eta, Paulus mepelingan kieu,
10 “Batur-batur! Cek pangrasa kuring

perjalanan urang teh baris balangsak


jeung karurugian, lapur barang lapur
umur.”
11 Tapi opsir mah, leuwih percaya ka

jurumudi jeung nangkoda batan ka


Paulus.
KISAH PARA RASUL 27.12– 17 160
12 Sabab eta palabuan teh, kurang
hade dipake pangeureunan dina musim
es mah. Panumpang-panumpang oge,
karereaanana mah, rempugna supaya
terus; sugan bisa nepi ka kota Penik,
eureun didinya bae. Penik teh, kota
palabuan pulo Kreta anu nyanghareupna
ngidul ngulon jeung ngaler ngulon nyela
bumi.
13 Pareng datang angin leuleuy kawas

nu ngajurung maksud. Tuluy ngangkat


jangkar terus balayar mapay sisi-sisi
basisir pulo Kreta.
14 Ari teu lila, gelebug teh, angin ribut ti

darat anu disebutna angin “Kaler Wetan”.


15 Kapal henteu tahan nadah angin ti

hareup. Tuluy digubag-gabigkeun ku


eta angin, nya antukna mah diantep;
sarerea teh pasrah kana kadar.
16 Saterusna, kapal kapalidkeun ka hiji

pulo leutik nu ngaranna pulo Kauda.


Lebah dinya, sabisa-bisa diihtiarkeun
nyalametkeun sampan.
17 Sanggeus sampan bisa kajait,

kapalna dipalincang ku tambang.


Ku sabab sieun neumbrag karang
anu ngaran Karang Sirtus, layar
KISAH PARA RASUL 27.18– 23 161
digulung sarta kapal diantep luak-leok
saparan-paran.
18 Ku sabab kapal pohara galuang-

galeongna, isukna, barang-barang


muatan dipiceunan ka laut.
19 Malah katilu poena deui mah,

pakakas-pakakas kapal oge dihaja


dialung-alungkeun ka laut.
20 Srangenge geus sababaraha poe teu

tembong-tembong; bentang taya hiji-hiji


acan; angin ribut ngamuk terus, nepi ka
sarerea geus pada nyamarkeun maneh
kana salamet.
21 Geus mangpoe-poe taya nu inget

dahar-dahar acan. Geus kitu, Paulus


ngingetan, saurna, “Dulur-dulur, mun
kamari ieu nurut mah kana omongan
kuring ulah waka ninggalkeun pulo
Kreta, moal balangsak kieu jeung moal
kungsi karurugian kawas ayeuna.
22 Tapi najan kaayaan siga kieu,

pamenta kuring aranjeun ulah pegat


pangharepan. Moal, moal aya anu tiwas,
ngan ari kapal mah moal katulungan.
23 Terang baris kitu soteh, tadi peuting

aya malaikat Pangeran ka kuring, nya


eta ti Allah anu disembah jeung anu
kagungan jiwa raga kuring.
KISAH PARA RASUL 27.24– 29 162
24 Saur anjeunna: ‘Ulah salempang,
Paulus! Maneh pasti baris jagrag ka
Prabu. Malah babaturan sakapal oge
geus dipiwelas ku Allah, bakal saralamet
ku karana maneh.’
25 Ku hal eta, sing tararabah dulur-

dulur! Kuring beak-beak nya percaya ka


Allah yen kabeh bakal ngabukti, moal
mencog ti anu didawuhkeuna-Na.
26 Ngan ari kapal mah geus pasti kandas

di salah sahiji pulo.”


27 Nepi ka maleman kaopat belas, ti

barang ditempuh ku angin ribut, kapal


masih angkleung-angkleungan di Laut
Adriatik. Tapi dina tengah peutingna,
ku kalasi-kalasi karasa yen kapal asa
nyampeurkeun daratan.
28 Tuluy maranehna nyemplungkeun

batu pangjugjug, kanyahoan jerona aya


dua puluh deupa. Maju saeutik deui
dijugjugan deui, ngadeetan jadi lima
belas deupa.
29 Ku sabab sieun kandas kana karang,

tuluy labuh jangkar — opat jangkar


— beulah tukang, bari ngarep-ngarep
hayang geura beurang.
KISAH PARA RASUL 27.30– 36 163
30 Tapi kalasi-kalasi arek maringgat ti
kapal, narurunkeun sampan pura-pura
rek nurunkeun jangkar hareup.
31 Ku Paulus dipopoyankeun ka opsir

saperjuritna, saurna, “Upami maranehna


diantep naringgalkeun kapal, taya
harepan aranjeun bisa salamet.”
32 Geuwat sampanna ku perjurit-

perjurit ditilas; tuluy eta sampan,


diantep ngangkleung sorangan.
33 Wanci rek bray beurang, Paulus

ngingetan sarerea yen kudu dalahar.


Saurna, “Geus opat belas poe aranjeun
teu kararaban naon-naon, balas
ngarep-ngarep salamet.
34 Geus meujeuhna, ayeuna mah

dalahar heula bae. Paksakeun malar


jagjag. Sing percaya, moal sakara-kara,
moal aya nu leungit buuk-buuk acan
najan salambar.”
35 Anjeunna nyontoan nyandak roti

sawatara siki, tuluy ngadu'a ka Allah,


kasaksian ku sarerea. Sanggeus rotina
disemplek-semplek terus didahar.
36 Geus kacontoan mah, maranehna

jadi tarareteg hatena, tuluy sarerea


dalahar.
KISAH PARA RASUL 27.37– 43 164
37 Kabehna, nu araya di kapal teh, dua
ratus tujuh puluh genep urang.
38 Sanggeus dalaharna sarareubeuh,

muatan gandumna dipiceun ka laut


ngarah kapal ngahampangan.
39 Barang bray, beurang, tembong

aya teluk anu basisirna ngampar, teu


nyarahoeun ngaranna mah pulo naon.
Kabeh rempug arek balabuh di dinya
sabisa-bisa.
40 Tali jangkar ditilas, jangkarna diantep

ngerelep ka dasar laut. Tali kamudi


diudar, tuluy nebengkeun layar hareup,
supaya kapal katebak angin ka basisir.
41 Tapi kapal, ujug-ujug ngagesruk teu

bisa maju, kandas kana dasar laut anu


munjul. Eta kapal, beulah hareupna
nyeblok pageuh teu obah-obah; ari ti
tukang mah, diteumbragan ku ombak
nepi ka amburadul.
42 Kahayang serdadu-serdadu mah,

sakitan-sakitan teh diparaehan bae


sina peren kabeh, bisi ngarojay terus
maringgat.
43 Tapi perwirana mah, ku sabab hayang

nyalametkeun Paulus, marentah supaya


anu barisa ngojay mah, ngarojay bae ti
heula ka darat.
KISAH PARA RASUL 27.44 –28.4 165
44 Nu teu barisa ngojay, kudu nyusul
muntang kana papan-papan atawa
naon bae bebejadan kapal. Gancangna,
sarerea geus araya di darat kalawan
salamet.
1 Sanggeus sarerea salamet,

28 bisa nepi ka basisir. Kakara


kanyahoan, yen eta daratan teh, pulo
Malta.
2 Pribumina darehdeh arakuan pisan.

Maranehna teh, mangnyieunkeun


durukan sagala, ajang saliduru; kawantu
poe eta teh kacida tirisna, turug-turug
hujan deuih.
3 Ari Paulus ngumpulkeun pangpung;

tuluy brus, diasupkeun kana durukan.


Ana borengkal teh, oray matih pisan,
ngaleor tina tumpukan pangpung
lantaran kapanasan. Cok bae, macok
kana panangan anjeunna.
4 Mireungeuh oray meulit kana

panangan Paulus, urang dinyana mani


pukpok pada batur, “Eta jelema teh moal
salah deui tukang maehan! Najan geus
luput ti laut, ku Dewi Kaadilan mah hamo
diantep hirup terus.”
KISAH PARA RASUL 28.5–11 166
5 Tapi si oray teh ku Paulus dikepretkeun
kana seuneu, ari anjeunna mah teu
sakara-kara.
6 Tapi tetep pada nyarangka moal teu

bareuh, moal teu ngagolepak maot


sapada harita. Ari seug sakitu geus
lilana, wet, teu kua-kieu; ahirna, cek
maranehna anjeunna teh dewa.
7 Teu jauh ti dinya aya tanah kagungan

gupernur Publius, gupernur eta pulo. Eta


gupernur nyuguhan ka kuring sapara
kanca tur kacida darehdehna, nepi ka
meunang tilu poe diaku di bumina.
8 Harita teh, ramana Publius keur teu

damang, nya muriang nya disentri. Ku


Paulus dilayad, dipangnedakeun sarta
ditumpangan leungeun, terus cageur.
9 Geus kitu mah, jul-jol, nu garering teh

daratang ka anjeunna; eta oge kabeh


dicageur-cageurkeun.
10 Ku kituna kuring sapara kanca teh

pohara dihormat-hormatna. Barang


geus waktuna kana balayar deui, ku
maranehna sarerea dibekelan ku sakur
anu jadi pangabutuh simkuring sarerea.
11 Ngendek di eta pulo teh, meunang

tilu bulan. Geus kitu, unggah ka hiji


kapal asal ti Iskandaria anu kabeneran
KISAH PARA RASUL 28.12– 17 167
keur balabuh di dinya salila musim es.
Eta kapal make perlambang bentang
kembar Dioskuri.
12 Barang nepi ka kota Sirakusa, kapal

balabuh heula tilu poe.


13 Ti dinya terus mipir-mipir basisir,

jol, nepi ka Regium. Heuleut sapoe ti


harita, — kabeneran aya angin ti kidul —
isukna, deui geus nepi ka kota Putioli.
14 Simkuring sakanca mitra nepungan

heula anggota-anggota jamaah di


dinya, disambat diaraku, reureujeungan
meunang tujuh poe. Kakara neruskeun
deui, nya balayar ka nagara Rum.
15 Dulur-dulur nu di darinya teh,

geus mareunang beja ngeunaan


hal-ihwal simkuring sapara kanca. Tuluy
maranehna dararatang ka Forum Apius
jeung Tras Taberne, narepungan. Paulus
mah, barang tepung jeung maranehna
teh, tuluy bae muji sukur ka Allah
lantaran ngarasa gede hate.
16 Ku pamarentah Rum, Paulus diwidian

nyicingan imah dibaturan ku salah


saurang perjurit pikeun ngajaga.
17 Tilu poe ti harita, Paulus ngumpulkeun

pamingpin-pamingpin bangsa Yahudi.


Sanggeus karumpul, anjeunna nyarios
KISAH PARA RASUL 28.18– 21 168
kieu, “Para saderek! Simkuring, boh ka
bangsa, boh kana adat istiadat karuhun
urang, teu gaduh salah naon-naon.
Tapi di Yerusalem simkuring ditangkep
ku bangsa sorangan, diserenkeun ka
pamarentah Rum.
18 Lantaran bukti, yen simkuring beresih

tina kasalahan nu manjing hukum pati,


ku aranjeunna mah rek dibebaskeun
bae.
19 Tapi orokaya urang Yahudi

ngalalawan, nepi ka kapaksa simkuring


kudu naek banding ka Prabu. Sanajan
kitu, simkuring teu pisan-pisan niat
ngadakwa bangsa sorangan.
20 Ku sabab eta, simkuring menta

supaya bisa papanggih sarta cacarita


jeung aranjeun. Sabab simkuring
nyandang rante teh, sualna mah,
lantaran tina hal anu jadi pangarep-
ngarep bangsa Israil tea.”
21 Ku maranehna dijawab kieu,

“Nanging da teu aya serat-seratna acan


perkawis anjeun ti Yudea. Nu ti ditu oge
teu aya anu ka dieu; jadi, teu kantos
mendak wartos yen anjeun teh jelema
jahat.
KISAH PARA RASUL 28.22– 25 169
22 Sanajan kitu, simkuring sadaya
hoyong terang perkawisna. Margi
sakaterang mah, eta madhab anyar teh,
di mana di mendi oge mung dilalawan
bae.”
23 Tuluy maranehna nangtukeun

poe pikeun narima katerangan-


katerangan ti Paulus. Dina poeanana
maranehna daratang deui ka dinya,
ngabrul, loba pisan. Derekdek, Paulus
nerangkeun sarta mere panyaksen tina
hal Karajaan Allah. Sabisa-bisa anjeunna
ngahudangkeun kayakinan maranehna
ngeunaan Isa Al Masih, make dasar
Toret Musa jeung kitab nabi-nabi.
Nerangkeunana hal eta teh, ti isuk nepi
ka sore.
24 Hasilna, aya anu bisa diyakinkeun,

aya nu angger bae teu percaya.


25 Nepi ka bubaran gempungan, tetep

maranehna henteu bisa sapaham.


Memeh bubar Paulus ngucap kieu,
“Tetela, pangandika anu ku Ruh Allah
ditepikeun ka karuhun urang, ku
perantaraan Nabi Yesaya teh, teu
mencog saeutik-eutik acan. Kieu
ungelna:
KISAH PARA RASUL 28.26– 31 170
26 ‘Geura tepungan eta bangsa.
Caritakeun: Ku ceuli bakal kadenge,
ngan teu bisa ngahartikeunana. Ku
panon bakal katenjo, tapi maraneh
weleh teu terang.
27 Sabab ieu bangsa, hatena geus

ngabatu, pangdengena geus mintul,


matana geus rarapet merem; malar
matana tong kungsi nenjo, ceulina ulah
kungsi ngadenge, bisi matak kaharti ku
hatena, heug tarobat ka Kami geusan
bisa disalametkeun.’
28 Ayeuna, mugi kaaruninga, ieu jalan

pisalameteun ti Allah teh baris dibikeun


ka bangsa-bangsa sejen sarta tangtu
bakal ditararima.”
29 [Sanggeus Paulus namatkeun

cariosanana, urang Yahudi tuluy


balubaran bari tetep pasalingsingan
paham.]
30 Meunang dua taun campleng, Paulus

nyalikan imah sewaan teh. Nu daratang


ka anjeunna, kabeh ge diaku ditarima.
31 Kabeh ku anjeunna diwawaran hal

Karajaan Allah sarta diwurukan hal Isa Al


Masih, Gusti Jungjunan urang. Teu aya
anu didingding kelir tur lungsur-langsar
teu aya halangan naon-naon.
Roma
1 Ieu surat ti simkuring, Paulus, —
1 abdina Isa Al Masih, anu ku Anjeunna
diangkat jadi rasul teh, nya eta pikeun
nguarkeun Injil Allah.
2 Eta Injil ti baheula keneh geus

dijangjikeun ku Allah, diserat dina Kitab


Suci ku nabi-nabi-Na.
3 Eusina, nyaturkeun hal ihwal Putra-Na

tea, anu mungguhing jasmanina mah


lahir ti turunan Daud.
4 Tapi mungguhing rohani mah,

Anjeunna teh Putra Allah nu kawasa, nya


eta Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang.
Hal ieu nyata, ku gugahna Anjeunna ti
nu maraot.
5 Anjeunna anu ngersakeun simkuring

jeung batur-batur jadi rasul, nya


eta pikeun mawa sagala bangsa,
supaya palercaya jeung tigin ka
pajenengana-Na.
6 Aranjeun ge teu kaiwalkeun, milik Al

Masih keneh nu pada-pada disaur,


7 dumateng sakumna dulur-dulur, —

anu beunang nyaur, beunang nyucikeun,


ROMA 1.8–13 2
tur anu diasih ku Allah — anu marukim di
nagara Rum. Hatur salam ka sadayana,
mugi-mugi aranjeun ginanjar kurnia ti
Allah, Rama urang tea, jeung ti Isa Al
Masih, Gusti Jungjunan urang.
8 Ti payun simkuring matur puji sukur

ka Gusti Allah demi Isa Al Masih, rehna


nguping yen iman aranjeun geus kaceluk
ka jauhna.
9 Demi Allah anu ku simkuring

disembah dibakti enggoning ngemban


Injil ngeunaan Putra-Na, yen sajeroning
neneda, hate mah teu weleh cumantel
ka aranjeun.
10 Dina paneda tara towong nya

nyuhunkeun, mugi-mugi Anjeunna kersa


marengkeun simkuring bisa patepung
jeung aranjeun.
11 Pohara hayangna nepungan aranjeun

teh, bari hayang mawakeun pangdeudeul


eusining batin;
12 malakmandar, ku kitu teh, simkuring

oge beuki pangger. Jadi, urang silih


kuatkeun iman.
13 Geus lila simkuring hayang nepungan

teh, dulur-dulur! Simkuring hayang


nyaho buah-buah rohani anu aya
di antara aranjeun, nya kawas anu
ROMA 1.14–18 3
kaalaman di kalangan sejen nu sarua
lain bangsa Yahudi. Tapi saban-saban,
sok aya bae halanganana.
14 Boh ka urang Yunani, boh ka nu lain,

boh ka nu terpelajar, boh kanu henteu,


simkuring teh kahutangan budi.
15 Ku kituna ka aranjeun oge, anu

marukim di Rum, simkuring teh mani


kumejot hayang nguarkeun Injil.
16 Simkuring moal rek era-era

nguarkeun Injil teh, boh ka urang


Yahudi, boh ka urang Yunani. Sabab
Injil teh, pangawasa Allah pikeun
nyalametkeun sing sakur anu percaya:
Pikeun urang Yahudi mah pangheulana;
geus kitu, kakara bangsa-bangsa
sejenna.
17 Dina Injil, nyata, yen Allah teh estu

mikersa supaya manusa satia iman


ka Mantenna, malar bisa diangken.
Sabab ceuk Kitab Suci oge: ‘Jalma anu
diangken ku Allah lantaran iman ka
Mantenna, tinangtu dipaparin hirup.’
18 Ka jelema anu resep kana masiat

jeung kadorakaan, anu ngidek-ngidek


bebeneran ku kajahatan, bebendu Allah
geus nompo ti sawarga.
ROMA 1.19–24 4
19 Sabab maranehna teh lain can nyaho
kana hal-hal ka-Pangeranan, da ku Allah
teh geus dibejaan.
20 Kapan ti barang aya dunya oge,

sipat-sipat Anjeunna, — sanajan teu bisa


katenjo, upamana bae kakawasaana-Na
anu langgeng — geus nyata tur tetela
tina yasa dadamelana-Na, nepi ka
maranehna teh taya pikeun ukal-ekol.
21 Tapi sakitu maranehna nyaho, yen

Allah teh aya; maranehna, keukeuh


mungkiran Anjeunna; boro-boro daek
muji nganuhunkeun kana padamelana-
Na. Tangtu bae, ari kitu mah, sagala
kalakuanana teh manjing kana sia-sia;
hatena ge, beuki mintul jeung beuki
poekkeun bae.
22 Heug bae, maranehna dadaku pinter

ge; padahal, maranehna teh, geus


kabalinger.
23 Kamulyaan Allah anu sipatna

langgeng, diganti ku titironana-Na anu


sipatna teu lana, nya eta arca jalma,
arca manuk, jeung arca sato nu suku
opat atawa anu ngarayap.
24 Kulantaran maranehna geus teu

malire ka Allah; jadi, ku Allah oge,


maranehna teu dipalire; maranehna
ROMA 1.25–28 5
teh dilurkeun bae, kumaha karepna
anu rarujit tea; malah mah, di antara
maranehna teh nepi ka silih ngahinakeun
dirina.
25 Maranehna, nyokot bohong miceun

kayaktian Allah. Tuluy maranehna


nyembah ka mahluk dadamelan, lain
ngabakti ka Anu midamelna. Padahal,
anging Mantenna nu wajib disembah
salalanggengna. Amin.
26 Eta sababna, maranehna ku Allah

diantep kaimpungan napsu teu jujur.


Awewena ngalampahkeun sapatemon
anu henteu munasabah;
27 lalakina saruana, ngaleok kana

birahi nu jorok, nya eta tepung sahwat


jeung papada lalaki. Tangtu bae, pikeun
maranehna, aya balukarna; temahna
malindes ka diri, upah tina getering
birahi nu rujit.
28 Leuwih goreng deui, maranehna geus

ngarasa teu perlu ngendahkeun ka Allah,


dumeh ngarasa gagah jeung pinter. Ku
sabab eta, ku Allah oge, maranehna
dilurkeun. Pipikiranana, jadi mahiwal;
laku lampahna,
ROMA 1.29–2.4 6
29 pinuh ku napsu teu patut: Jejel ku
kadorakaan, sarakah, licik, dengki, wani
maehan, resep pasea, cidra, jail,
30 resep ngupat, mitenah, ijid ka Allah,

kurang ajar, adigung adiguna, pinter


kana kagorengan, basangkal ka kolot,
31 baid kana diajar, linca-linci, taya

karunya, sarta taya hampura.


32 Nyucudna pisan, sakitu nyaraho kana

hukum Pangeran yen kalakuan-kalakuan


kitu teh manjing kana hukum pati,
tapi tonggoy bae dilalampahkeun. ku
sabab maranehna sorangan kitu, mun
aya nu kawas kitu deui teh, kacida
panujueunana.
1 Ari jadi jelema, boh pangkat naon

2 oge ulah sok nyalahkeun ka batur.


Sabab nyalahkeun batur teh, sasat
ngahukum maneh; da dirina sorangan
anu ngahukum ge, sarua doraka.
2 Tapi papadaning kitu, urang masing

yakin, yen nu nyarieun dosa teh moal


teu dihukum saadil-adilna ku Pangeran.
3 Na ku ngahukum dosa batur, urang

bisa luput tina pangadilan Allah?


4 Naha piwelas jeung kasabaran Allah

nu taya watesna teh ku urang rek


dianggap kalemahan Anjeunna? Teu
ROMA 2.5–10 7
maphum kitu, yen kasabaran Allah teh,
maksudna mere kasempetan pikeun
urang tobat?
5 Jelema anu neugtreug nolak pertobat,

eta teh numpukkeun bebendu Allah anu


baris mahala ka dirina kalawan jujur tur
adil, di mana enggeus mangsana.
6 Moal henteu, tangtu baris nandangan

wawales ti Allah, satimpal jeung


kalakuanana.
7 Nu ngamalkeun kahadean, ngipuk

kamulyaan budi ngutamakeun


jatnikaning lampah, baris ginanjar hirup
langgeng.
8 Ari nu wangkelang ka Pangeran, nu

resep keneh ngawula ka dosa batan


ngabdi ka Pangeran, baris nandangan
bebendu jeung wawales-Na.
9 Sangsara reujeung rurubed baris

tumiba ka jelema anu resep kana


kagorengan: Pangheulana ka urang
Yahudi, terus ka urang Yunani.
10 Sabalikna, — sakali deui —

kamulyaan, kahormatan, jeung


katengtreman batin baris ganjaran
saban jalma nu ngamalkeun kahadean:
Pangheulana urang Yahudi, terus urang
Yunani;
ROMA 2.11–16 8
11 da Allah mah heunteu pilih kasih.
12 Nu migawe dosa bari teu terang kana
hukum Toret, maotna moal didakwa
ku Toret. Sabalikna, nu migawe dosa,
padahal terang kana hukum Toret, baris
dihukum nurutkeun Toret.
13 Sabab anu bener di payuneun

Pangeran mah, lain anu dapon terang


kana Toret, tapi anu ngamalkeun eusina.
14 Upama bangsa nu can terang kana

hukum Toret, ku perbawa watekna


migawe anu sapagodos jeung Toret,
najan nyatana teu boga Toret, dina
hakekatna mah geus ngabogaan.
15 Sabab lampahna tea, nyirikeun yen

hukum Toret geus kaukir dina hatena.


Jaba ti eta, lelembutanana ge, sajalan
jeung eta hukum; lantaran budi rasana
daek ngamudi pikir, nya eta nyalahkeun
atawana ngabenerkeun.
16 Sing percaya, eta kabeh baris

dibalitungkeun dina poean pamutusan


nangtukeun hukuman. Sagala lampah
anu buni baris nembrak, nya eta dina
waktu Allah — ku Isa Al Masih — mimiti
ngahakiman, sakumaha anu ditetelakeun
dina Injil anu ku simkuring diwawarkeun.
ROMA 2.17–23 9
17 Aranjeun teh rasa maneh urang
Yahudi, reueus pedah boga Toret, agul
pedah jadi umat Allah,
18 ngarasa diri terang kana pangersa-

Na, terang ka nu bener jeung nu salah,


dumeh geus ngaji Toret.
19 Heug bae arumangkeuh, ieu aing

tukang tuduh jalan ka batur, ngarasa jadi


obor keur nyaangan batur nu hirupna
poekkeun,
20 purah nungtun nu balilu, ahli

ngawarah ka barudak, dumeh ngarasa


nyekel jejer bebeneran, nya eta Toret
sumberna elmu nu luhung.
21 Cik, majar ahli papatah teh kersa

kitu mamatahan maneh? Ka batur mah,


anjeun ngalarang ulah maling; ari anjeun
tara pulang-paling kitu?
22 Anjeun ngalarang ka batur ulah

jinah; ari anjeun tara jinah kitu? Anjeun


ceuceub ka brahala-brahala; ari anjeun
teu ngarasa yen aranjeun teh sok
mupusti barang-barang asal ti imah
brahala?
23 Anjeun nu reueus ku Toret, naha teu

ngarasa yen anjeun geus ngahina Allah


lantaran ngarempak Toret?
ROMA 2.24–29 10
24 Dina Kitab geus sidik ditulis: Ku
pamolah tabeat urang Yahudi, temahna
pajenengan Allah goreng dianggapna ku
bangsa-bangsa sejen!
25 Mungguhing sunat, eta memang hiji

tanda yen urang kagungan Allah. Kitu


soteh lamun anjeun ta'at kana parentah
Toret. Ari anjeun henteu ta'at mah,
najan disunat oge, sarua jeung henteu.
26 Sabalikna, anu teu disunat, tapi

ngalampahkeun hukum Toret, na eta teh


lain kaasup disunat?
27 Ku sabab eta, jelema anu teu

disunat, tapi tunduk kana hukum Toret;


tangtu eta jelema bakal nyalahkeun ka
aranjeun. Sabab aranjeun mah, geus teu
make kana Toret teh. Padahal, eta Toret
teh milik aranjeun tur aranjeun teh geus
disunat.
28 Sabab nu disebut ‘Yahudi’ teh, lain

pedah nurutkeun lahirna bae Yahudi.


Sajatining sunat ge kitu, lain sunat nu
jasmani.
29 Yahudi sajati mah, lain ku dumeh

bangsa Yahudi; tapi saenyana mah,


jelema anu jiwana madep ka Allah.
Sajatining sunat ge kitu, lain hiji ciri
lahir; tapi saenyana mah sual kajiwaan,
ROMA 3.1–6 11
anu timbulna ku karana iman: Lain
ku karana parentah Toret; lain ngarah
meunang pangakuan ti papada jalma,
tapi ngan ti Allah.
1 Ana kitu naon leuwihna urang

3 Yahudi? Jeung ari sunat aya gunana?


2 Aya, malah loba. Pangpangna mah,

maranehna teh geus ginuluran jangji


Allah.
3 Memang aya sababaraha urang

anu teu daraek percaya kana hal eta,


tapi naha eta matak ngaleungitkeun
kasaestuan Allah?
4 Henteu, kasaestuan Allah moal sirna.

Allah tetep saestu, sanajan manusa


euweuh nu bener. Cek Kitab: ‘Margi
sugri timbalan Gusti teh nyata saestu,
tur moal mencog sanajan kedah diuji.’
5 Tapi upama heug kadorakaan urang

teh anggur matak nyata yen Allah


saestu, na pantes urang nyalahkeun
Pangeran teu adil upama Anjeunna
ngahukum? Upama aya anu nanya kitu
mah, kama'lum.
6 Jawab simkuring kieu: Allah teh sama

sakali lain teu adil. Upama enya Allah


teu adil, naha bisa jadi Hakimna umat
manusa?
ROMA 3.7–15 12
7 Tapiupama kateubeneran urang tea
matak tambah nyata kasaestuan Allah,
naha atuh eta dosa urang teh masih
kudu dihukum keneh bae?
8 Kapan sidik yen urang teh mencog,

majarkeun: Atuh urang teh kudu nyieun


dosa, supaya kaciri aya nu bener. Jelema
anu kieu palsapahna mah, munasabah
pisan upama dihukum oge!
9 Ana kitu, naon atuh punjulna urang

Yahudi teh? Sama sakali teu aya! Kapan


ku simkuring geus disebutkeun, boh
urang Yahudi, boh urang Yunani, kabeh
ge, geus kabeulit ku dosa.
10 Cek Kitab: ‘Euweuh nu bener saurang

oge!
11 Euweuh anu kaancikan budi, euweuh

nu hayang nyukcruk ka Pangeran.


12 Geus malurtad, taya pigunaeunana,

euweuh nu bener lampahna, teu hiji-hiji


acan.
13 Genggerongna jeg makam nu geus

gorowong, letahna keur palacidra,


biwirna pikeun ngaracun.
14 Sungutna gampang sasapa.
15 Sukuna merod kana ngocorkeun

getih,
ROMA 3.16–24 13
16 tapak-tapak lengkahna ngan ukur
ruruntuhan jeung kasangsaraan.
17 Kana jalan karapihan nyaho ge

henteu.
18 Taya pisan semuna sieun ku Allah.’
19 Urang pada terang, yen hukum Toret

teh pikeun nu kabawah ku eta hukum,


supaya maranehna euweuh anu bisa
mungkir deui pikeun ngabela diri. Sabab
sadunya oge, kabeh, kudu ngadep ka
payuneun pangadilan Allah.
20 Sabab di payuneun Allah mah, jelema

teh moal disebut bener dumeh nedunan


sareat Toret. Karana ari hukum Toret
tea, sipatna teh, ngan ukur jadi pituduh
nu nerangkeun naon dosa urang teh.
21 Tetela tanpa Toret oge, kasaestuan

Allah mah, geus nyata. Komo ieu


sanggeus dinyatakeun ku Toret jeung
kitab nabi-nabi, yen:
22 Kasaestuan Allah tumerap ka sakur

nu baroga iman ka Isa Al Masih. Sabab


Allah mah, moal ngabeda-beda.
23 Lantaran kabehanana oge, geus

nyieun dosa, jauh mengpar tina


kamulyaan Allah.
24 Diangken bener soteh, estuning

ku piwelas kurnia Allah bae, nu geus


ROMA 3.25–29 14
ngersakeun supaya urang ditebus ku Isa
Al Masih.
25 Anjeunna ku Allah diserenkeun sina

pupus disalib, pikeun jadi marga lantaran


panghampura dosa umat anu percaya.
Ieu teh ngabuktikeun Allah saestu, dugi
ka kersa mupus dosa anu geus sakitu
lilana ku Anjeunna disabaran.
26 Oge keur bukti di jaman kiwari, yen

Anjeunna estu Maha adil, nepi ka sakur


anu percaya ka Isa Al Masih ku Anjeunna
diangken bener.
27 Tumali jeung eta, upama jalma masih

keneh ngagul-ngagul lampah, ayeuna


mah geus teu jaman. Agul ku naonana?
Ku amal perbuatanana? Ayeuna mah
kudu robah: Piceun eta kaagulan teh,
hirupkeun iman kapercayaan!
28 Sabab geus tetela, yen anu bener

di payuneun Allah mah, nya eta anu


nyata iman kapercayaanana teh ka
Juru Salamet ti Allah, lain ku dumeh
ngalakonan parentah Toret.
29 Allah teh lain milik urang Yahudi

wungkul, tapi milik bangsa-bangsa


nu lain Yahudi oge. Ieu kudu dicekel
bener-bener!
ROMA 3.30–4.5 15
30 Hartina, boh nu disunat demi imanna,
boh nu teu disunat tapi boga iman, ku
Allah anu Tunggal baris diangken bener.
31 Naha pedah urang geus boga iman,

Toret jadi batal? Henteu! Sabalikna!


Ku lantaran iman, urang teh malah
ngukuhkeun Toret.
1 Ari ka Ibrahim, nu dina sareatna

4 jadi pupuhu karuhun urang, kumaha


larapna sual iman teh?
2 Kieu: Upama anjeunna diangken

benerna teh ku sabab hade lampahna,


arek agul oge pantes. Tapi pamohalan,
anjeunna ngagulkeun anjeun ka
Pangeran.
3 Cek Kitab oge kumaha? Cek Kitab:

‘Ibrahim percaya ka Pangeran sarta eta


kapercayaanana ku Pangeran dietang
jadi bebeneranana.’
4 Buruhan anu katampa ku nu digawe,

memang geus hakna, lain hadiah.


5 Tapi upama aya jalma anu geus

nampa panghampura, lain tina hasil


pagaweanana; jadi, muklis ku lantaran
manehna percaya ka Anu baris
ngahampurana. Eta anu katampana
teh, estu sih kurnia. Sabab anu jadi
ROMA 4.6–12 16
dasar teh, kapercayaan manehna, lain
dibalitungkeun jeung pagaweanana.
6 Tah ieu anu matak bagja mah, nya

eta diangken bener tina iman, lain tina


lampah. Sakumaha saur Daud:
7 ‘Bagja jamuga jalma anu dihampura

kadorakaanana, anu dipupus dosana.


8 Estu bagja jelema anu kaluluputanana

henteu dibalitungkeun ku Pangeran.’


9 Naha ieu hal bagja teh ngan keur

jelema anu disunat wungkul? Atawa oge


keur nu teu disunat? Ieu pertanyaan
dumeh aya katerangan, yen Ibrahim
diangken bener ku karana imanna tea.
10 Harita kumaha, — basa hal eta

dinyatakeun ka Ibrahim — anjeunna


geus disunat? Acan, acan disunat.
11 Kengingna tanda sunat mah,

pandeuri, nya eta pikeun tanda cap


kasaestuanana, demi imanna ti memeh
anjeunna disunat. Tumali jeung eta,
anjeunna teh geus jadi bapa pikeun
sakumna jalma iman najan teu disunat,
nya eta anu diangken bener ku karana
iman.
12 Oge jadi bapa sakumna umat sunat

anu lain ngan ukur disunat wungkul,


tapi lakuning hirupna ge kudu sakumaha
ROMA 4.13–17 17
Ibrahim, pupuhu karuhun urang, anu
geus iman ka Pangeran ti samemehna
disunat.
13 Jangji Allah, yen Ibrahim katut

turunan-turunanana baris diwaris jagat


teh, lain ku sabab anjeunna ngalakonan
hukum Toret; tapi ku sabab boga iman,
anu ngalantarankeun lampahna jadi
bener.
14 Sabab upama hal anu dijangjikeun ku

Allah teh bisa katampa ku ngalakonan


hukum Toret, iman teh, atuh cumah bae;
tur jangji tea oge, taya eusina.
15 Sabab Toret mah, ngandung

ancaman. Memang, lamun Toret tea


henteu aya, palanggaran oge moal aya.
16 Ku sabab eta, tetela, yen lampah

bener anu dumasar kana iman teh


geus nimbulkeun sih kurnia. Ku kituna,
jangji Allah ka Ibrahim saturunanana
teh, lain ngan pikeun anu boga Toret
bae; tapi oge pikeun anu boga iman,
kawas Ibrahim. Jadi, tetela, Ibrahim teh
karuhun sarerea.
17 Sakumaha cek Kitab: ‘Maneh ku

Kami diangkat jadi bapa pirang-pirang


bangsa.’ Ku kituna, Ibrahim teh, jadi
bapa sarerea. Mungguh kanggo Allah
ROMA 4.18–24 18
mah, Allah anu ku anjeunna dipercaya,
anu iasa ngahirupkeun anu maot,
anu ku lantaran pangandika-Na iasa
ngajadikeun nu can aya jadi aya.
18 Sanajan harita mah, jangji tea, acan

aya buktina; tapi pangharepan Ibrahim


teu kalis ku kitu. Anjeunna yakin, yen
moal mencog deui tangtu bakal jadi bapa
pirang-pirang bangsa teh. Cek Kitab
Suci: Kitu reuayna katurunan maneh
engke.
19 Najan ngemutkeun kana yuswana

anu geus saratus taun; tanagana ge,


geus suda kabina-bina; turug-turug
Sarah oge geus taya bahan kana bisa
ngandung;
20 kapercayaanana kana eta jangji

Allah, teu galideur. Malah beuki pageuh


bae, dibarung ku mumuji ka Mantenna.
21 Tetep manteng tur yakin, yen Allah

kawasa ngalaksanakeun jangji-Na.


22 Eta sababna, anjeunna diangken

bener.
23 Kecap ‘anjeunna diangken bener,’ lain

ngan ka Ibrahim wungkul,


24 tapi oge pikeun urang. Sabab

urang oge ku Allah diangken kitu,


tegesna urang anu percaya ka Anu geus
ROMA 4.25–5.5 19
ngagugahkeun Isa, Gusti Jungjunan
urang, ti nu maraot;
25 Isa teh, geus dikurbankeun ku karana

dosa urang; tapi Anjeunna ge geus


digugahkeun deui, supaya urang bisa
diangken jelema bener ku Allah.
1 Sanggeus urang diangken bener

5 lantaran iman, urang teh dicandak


rapih deui ku Allah ku karana Isa, Gusti
Jungjunan urang.
2 Ku karana Anjeunna, urang anu

iman meunang asup kana alam sih


kurnia, alam hirup anu pinuh ku bagja
sarta dipaparin harepan baris meunang
kamulyaan ti Allah.
3 Untungna deui, sanajan dina lara

balangsakna, bagjana mah mo weleh


karasa; dumeh urang terang yen
kasangsaraan teh ngan keur nguji
kasabaran wungkul.
4 Lamun geus bisa sabar, tangtu

baris tahan uji; ari anu tahan uji boga


pangharepan.
5 Eta pangharepan teh, moal matak

kaduhung ahirna; sabab urang geus


meunang sih kurnia Allah, nya eta Ruh
Allah anu ngancik di jero hate.
ROMA 5.6–11 20
6 Sajeroning urang dina kaayaan teu
daya teu upaya keneh, — dina mangsa
nu ku Allah geus dipasti — Al Masih geus
nemahan pati pikeun nalangan urang
jalma doraka tea.
7 Manusa mah arang langka aya nu bela

pati, sanajan ka jalma anu teu tuah teu


dosa. Di ayana ge, tangtu anu dibelana
teh jalma anu luar biasa hadena.
8 Ari Allah mah, ti alam urang hirup

dina kadorakaan keneh oge geus


ngabuktikeun asih-Na, nya eta nepi ka
Al Masih kudu pupus pikeun urang.
9 Komo ayeuna, sanggeus urang

diangken bener ku karana getih Al Masih,


tinangtu luput tina bebendu-Na.
10 Ti alam urang nyatru keneh,

Anjeunna kersa ngarapihkeun anjeun


jeung urang ku jalan maparin panebus,
nya eta nyawa Putra-Na. Komo ayeuna,
sanggeus puguh aya karapihan; urang
teh, ku Anjeunna tangtu kana leuwih
dirahayukeun deui ku lantaran Putra-Na
anu jumeneng di jero diri urang.
11 Lain ngan sakitu bae, ayeuna mah,

urang teh malah bisa maruji sarta


ngagungkeun ka Allah ku lantaran Gusti
ROMA 5.12–15 21
Jungjunan urang, Isa Al Masih, nu geus
maparinkeun karapihan tea.
12 Ku sabab dosa nu mateni teh asupna

ka alam dunya ku pamolahna jelema


saurang, temahna kabeh manusa kudu
paeh; lantaran kabeh ge, geus karingkus
ku dosa.
13 Ari dosa teh, ayana di alam dunya,

jauh ti samemeh aya Toret. Ngan


samemeh aya Toret mah, dosa teh teu
dibalitungkeun.
14 Najan kitu, ari paeh mah teu

meunang henteu; sabab ajal mah


geus murba, ti jaman Adam nepi ka
jaman Musa. Kabeh keuna ku paeh,
najan dosana henteu sarua jeung dosa
anu dilampahkeun ku Adam, nya eta
manusa anu jadi gambaran Anu baris
pisumpingeun tea.
15 Sukur, ari sih kurnia Allah mah,

beda deui sipatna ti pangrempak


Adam. Ari pangrempak mah najan
anu ngalampahkeunana ngan saurang,
balukarna matak paeh ka sarerea.
Sabalikna, kamurahan sarta sih kurnia
Allah, matak jembar ka kabeh manusa.
Sabab ku lantaran hiji Manusa, nya
ROMA 5.16–19 22
eta Isa Al Masih kabeh manusa geus
ginuluran berkah tanpa wangenan.
16 Kaasihan jeung sih kurnia Allah

mah sabalikna ti dosa anu saurang


tea, anu nungtunna kana pangdakwa
jeung hukuman. Ari sih kurnia Allah
mah ngalantarankeun kabeh manusa
najan geus migawe kadorakaan
mangpirang-pirang oge dihampura,
dietang bener.
17 Sabab nyata, pangrempak nu saurang

ngalantarankeun kabeh manusa kapurba


ku ajal; sabalikna, padamelan nu
saurang deui mah, nya eta Isa Al Masih,
matak jembar taya babandinganana,
nepi ka kabeh manusa meunang sih
kurnia anu taya wiwilanganana, nya eta
diangken bener tur baris hirup murba
jeung kawasa.
18 Jadi ku lantaran dosa jalma saurang,

sakabeh manusa geus keuna ku


hukuman; nya kitu deui, sakabeh
manusa geus diangken bener ku
lantaran benerna manusa anu saurang
tea.
19 Cindekna, tina sabab teu ta'atna

manusa anu saurang, sakumna manusa


geus kabawah ku dosa; nya kitu oge, ku
ROMA 5.20–6.4 23
ta'atna manusa anu saurang deui teh,
sakabeh manusa geus diangken bener.
20 Sanggeus aya hukum Toret, dosa teh

anggur beuki tambah-tambah. Tapi puji


sukur ka Pangeran, sih kurnia Anjeunna
estuning tanpa wangenan!
21 Sabab sakumaha dosa, geus

ngawasaan alam maot; kitu keneh sih


kurnia-Na oge, murba di alam hirup anu
langgeng ku karana Isa Al Masih, Gusti
Jungjunan urang.
1 Kumaha sikep urang? Arek jongjon

6 migawe dosa malar sih kurnia Allah


beuki rosa?
2 Salah kitu mah! Urang anu geus paeh

pikeun dosa, mustahil bisa keneh hirup


dina dosa!
3 Sageuy geus paroho, yen urang

sakabeh geus dibaptiskeun ka salira


Al Masih; ku kituna, urang teh, dina
hakekatna mah geus milu maot
babarengan jeung Anjeunna.
4 Ku lantaran geus dibaptis, urang teh

geus milu paeh sarta dimakamkeun


bareng jeung Anjeunna; malar bisa asup
ka alam hirup anu anyar, sakumaha
Al Masih oge ku kawasa Rama geus
dihirupkeun deui ti nu maraot.
ROMA 6.5–12 24
5 Sabab lamun urang geus satunggal
jeung Anjeunna dina pupus-Na, tangtu
oge baris satunggal dina gugah-Na.
6 Tegesna, kamanusaan urang anu

heubeul teh, geus disalib bareng jeung


Anjeunna, supaya diuculkeun tina
panyerek dosa;
7 sabab ari urang geus maot mah, moal

teurak ku dosa.
8 Ku sabab eta, lamun urang geus

tunggal maot jeung Al Masih, tangtu oge


bakal tunggal hirup deui jeung Anjeunna.
9 Sabab sanggeus Al Masih gugah ti nu

maraot, Anjeunna henteu nyorang deui


pupus lantaran geus teu bisa kapurba
deui ku kakawasaan maot.
10 Sakali Anjeunna pupus, geus cukup

keur ngamusnakeun dosa salalawasna;


ari hirup-Na nu anyar mah ngan kanggo
Allah.
11 Jadi, kudu kieu mandangna: Urang

geus maot pikeun dosa. Ku lantaran


satunggal jeung Isa Al Masih, urang geus
dipaparin hirup nu anyar sanggakeuneun
ka Allah.
12 Ku sabab eta, badan urang anu

sipatna teu langgeng teh, ulah nepi


ROMA 6.13–17 25
ka sina kapurba deui ku dosa katut
panggodana.
13 Anggahota-anggahota badan urang

oge, ulah dibikeun jadi pakakasna dosa.


Malah sanggakeun diri urang, — anu
tadina geus aya di alam maot — ka
Allah; sabab ayeuna mah, geus aya
deui di alam hirup. Sakujur awak urang
oge pasrahkeun ka Anjeunna, jadikeun
pakarang kayaktian Pangeran.
14 Sabab dosa teh, kiwari mah, geus

lain dunungan urang deui. Lantaran


urang geus henteu diparentah ku Toret,
tapi aya dina panangtayungan sih kurnia
Allah.
15 Naha pedah urang teh geus diereh

ku sih kurnia, lain ku hukum Toret deui,


arek terus migawe kadorakaan? Sing
eling!
16 Sageuy teu terang, yen samangsa-

mangsa urang masrahkeun diri kana hiji


kawasa bari ulun kumawula ka dinya,
saenyana urang teh geus ngabdikeun
diri: Boh kana kawasa dosa anu
ngabalukarkeun maot; boh kana kawasa
Allah anu nungtun kana kasaestuan.
17 Puji jeung sukur ka lenggah Allah!

Memang, bareto mah urang teh


ROMA 6.18–23 26
badegana dosa; tapi kiwari mah, buleud
nurut kana piwuruk anu enggeus
katarima,
18 geus dibebaskeun tina dosa, sarta

jadi kawulaning kasaestuan.


19 (Simkuring ngomong kieu teh make

alam pikiran sapopoe bae, supaya


gampang kaharti). Tadina, anggahota-
anggahota badan aranjeun teh sina
kumawula kana rereged jeung hirup
rucah, nu matak jadi nambahan doraka.
Ayeuna mah, sakujur badan teh kudu
dipake ngabdi kana hal anu pibenereun,
supaya jadi suci.
20 Sabab waktu aranjeun dijajah ku

dosa, aranjeun teh lesot tina bebeneran.


21 Naon hasilna nu geus kapetik? Estu

matak muringhak nginget-ngingetna


oge; sabab nu kapetik teh, taya lian,
iwal ti maot!
22 Tapi ayeuna, sanggeusna ngabakti

ka Allah aranjeun bebas tina dosa sarta


metik hal anu suci, hiji jalan anu brasna
kana hirup anu langgeng.
23 Sabab upahna dosa teh, Maot;

sabalikna, berkahna sih kurnia mah,


hirup langgeng jeung Isa Al Masih, Gusti
Jungjunan urang.
ROMA 7.1–5 27
1 Dulur-dulur! Piraku teu terang, yen
7 hukum teh, kakuatanana ngan keur
satungtung urang hirup keneh. (Ieu
omongan simkuring teh ditujulkeun ka
anu geus arahli).
2 Contona: Hiji awewe, kakurungna

ku hukum tikah teh ngan sapanjang


salakina hirup keneh. Ari salakina geus
maot mah, manehna leupas tina eta
hukum.
3 Satungtung salakina hirup keneh,

upama awewena kawin kanu sejen,


ngaranna jinah. Lamun kawinna deui
sanggeus salakina maot mah, lain jinah;
sabab manehna, geus teu kakurung deui
ku hukum.
4 Nya kitu pisan, pupusna Al Masih dina

tihang salib teh geus ngalantarankeun


aranjeun maot, leupas tina hukum Toret.
Ku sabab eta, aranjeun bisa kapimilik ku
nu lian, nya eta ku Anu geus dihirupkeun
deui ti nu maraot, pikeun ngabijilkeun
buah-buah pagawean anu hade kanggo
Allah.
5 Waktu urang hirup dina sipat jasmani,

ku sabab kapangaruhan ku Toret, tabeat


teh pinuh ku napsu kana ngalampahkeun
dosa; nya anu balukarna mah, maot tea.
ROMA 7.6–10 28
6 Tapi ayeuna mah, urang teh geus
dibebaskeun tina hukum Toret. Jadi,
pikeun Toret anu sakitu ngabeungkeutna
teh, urang geus paeh. Ku kituna, urang
geus lugina enggoning ngabakti ka
Allah. Lain ngabakti nurutkeun cara
anu heubeul, sakumaha sacerewelena
uni Toret, tapi ku cara hirup nu anyar
kalawan panuyun Ruh.
7 Kumaha anggapan urang ayeuna?

Naha ari Toret teh dosa? Lain! Malah


simkuring terang kana dosa teh tina
hukum Toret. Simkuring moal terang
naon dosana jalma hawek, lamun teu
aya hukum Toret anu unina: ‘Maneh ulah
hawek.’
8 Ku sabab aya eta larangan, dosa teh

boga kasempetan ngahudangkeun rupa-


rupa napsu teu uni di diri simkuring. Da
mun teu aya hukum Toret mah, dosa teh
paeh.
9 Waktu keur di luareun hukum Toret

mah, simkuring teh hirup. Tapi sanggeus


kabeungkeut ku undang-undangna, jadi
tibalik, nya eta dosa anu hirup,
10 ari simkuring anu paeh. Jadi, eta

undang-undang anu kuduna nungtun


ROMA 7.11–16 29
kana hirup teh, malah maehan ka
simkuring.
11 Ku ayana eta undang-undang, dosa

teh bisaeun ngagoda ka simkuring,


nepi ka simkuring paeh ku eta
undang-undang.
12 Najan kitu, ari Toretna mah estuning

suci. Undang-undangna oge suci, adil tur


hade.
13 Jadi, na enya eta anu sakitu hadena

teh matak paeh keur simkuring?


Mustahil! Kieu nu saenyana mah: Dosa
teh dasar dosa, eta hal nu hade teh
ku dosa tetep dipake alat maehan
simkuring. Tetela, pohara jahatna, dosa
teh!
14 Sarerea oge terang, hukum Toret

teh sipatna rohani, ari simkuring sipat


jasmani, geus kabeuli sarta kabeulit ku
dosa.
15 Simkuring nepi ka helok ku lampah

diri sorangan; dumeh anu dipilampah


teh, salawasna, wet lain nu dipimaksud,
tapi anu ku sorangan ge dipikaijid.
16 Papadaning kitu, unggal-unggal,

simkuring teh ngalampahkeun anu


dipikaijid tea; ari kitu mah, simkuring
ngaku, yen hukum Toret teh hade.
ROMA 7.17–24 30
17 Ana kitu atuh anu ngalampahkeun
kagorengan teh lain simkuring, tapi anu
nyayang di diri simkuring, nya dosa tea.
18 Simkuring rumasa pisan, yen

sakumaha ilaharna manusa simkuring


teh sama sakali henteu kaancikan ku
bebeneran. Aya oge karep anu hade,
tara sok nepi ka prakna.
19 Da anu dipilampah teh lain anu hade,

sakumaha anu dicita-cita, anggur anu


jahat jeung anu dipikaijid tea.
20 Atuh tetela, anu ngalampahkeun

pagawean nu teu dipikahayang teh,


saenyana mah lain simkuring, tapi dosa
anu nyayang dina diri tea.
21 Jadi simkuring teh manggih

pangalaman kieu: Unggal boga niat


ngalampahkeun nu hade, anu jahat teh
enggeus nyampak.
22 Ari batin kataji ku hukum Allah;
23 tapi dina awak karasa aya kakuatan

sejen anu merangan budi rasa, anu


temahna simkuring teh kaboyong ku eta
kakuatan dosa anu ngawasaan sakujur
awak simkuring.
24 Beu, tetela, jalma cilaka simkuring

teh! Saha atuh anu bisa nulungan


ROMA 7.25–8.3 31
simkuring tina ieu hirup nu katungkul
kupati teh?
25 Aya, nya eta Isa Al Masih, Gusti

Jungjunan urang. Sembah nuhun ka


Allah. (7-26) Tah kitu simkuring teh,
mun diantep karep mah: Ari cek budi
rasa kudu ngawula teh ka hukum Allah,
tapi perwatekna diri ngajak biluk kana
kakawasaan dosa.
1 Ku sabab eta, pikeun anu geus

8 manunggal jeung Isa Al Masih mah,


hukuman teh geus teu aya.
2 Sabab geus dileupaskeun tina hukum

dosa, anu mateni tea; geus dibebaskeun


ku Ruh anu nungtun kana alam hirup
dina kamanunggalan jeung Al Masih.
3 Sabab hal anu teu bisa dilaksanakeun

ku hukum Toret, — dumeh perwatek


manusa mah teu daya teu upaya —
enggeus dicumponan ku Allah, nya eta
ku jalan ngutus Putra-Na ku manten, Isa
Al Masih. Eta Putra-Na teh, sumping-Na,
nganggo kaayaan anu sarua jeung
perwatek manusa anu kabawah ku dosa
sarta ngajadi kurban pikeun dosa; geus
kitu, dosa anu tumerap dina perwatek
manusa teh dihukum.
ROMA 8.4–10 32
4 Ku jalan kitu, hukum Toret teh bisa
jalan dina hirup urang; lantaran urang
geus henteu kapurba deui ku napsu
badani, tapi nurut kana pangersa Ruh
Allah.
5 Hirup nurutkeun napsu badani,

mikirna oge nurutkeun karepna; tapi


hirup nurutkeun Ruh, mikirna oge kana
hal-hal anu rohani.
6 Pangajak badani balukarna ajal maot,

pangajak Ruh nungtun kana alam hirup


anu jamuga.
7 Pangajak badani ngamusuh ka

Allah lantaran embung tunduk kana


hukum-Na, ongkoh pamohalan daekeun
tunduk.
8 Hirup ngawula kana pangajak badani

mah, mustahil sapagodos jeung manah


Allah.
9 Sabalikna, lamun aranjeun kaancikan

ku Ruh Allah, mustahil beunang


kaperuhkeun ku pangajak badani; anu
diturut teh tangtu pangajak Ruh. Anu
henteu kaancikan ku Ruh Al Masih,
tangtu lain kagungana-Na.
10 Upama Al Masih ngancik dina hirup

aranjeun, jasad anu pinuh ku dosa teh


memang pipaeheun; tapi rohna mah,
ROMA 8.11–17 33
hirup-hurip lantaran geus diangken ku
Allah.
11 Upama Ruh anu geus ngahirupkeun

Isa Al Masih ti nu maraot tea ngancik


dina hirup aranjeun, tangtu baris
ngahirupkeun deui jasad aranjeun anu
sipatna teu lana tea.
12 Ku sabab eta, dulur-dulur, urang teh

geus kahutangan; nya tapi lain ku nu


sipat badani, anu kahayangna kudu bae
diturut tea.
13 Kapan hirup nurutkeun badani mah,

temahna teh paeh. Jadi, kahutangan


teh ku Ruh, anu maehkeun jasad nu
pinuh ku dosa sarta anu nungtun kana
sajatining hirup.
14 Kabeh jalma anu nurut kana panuyun

Ruh Allah, jadi putra-putra Allah.


15 Hartina: Bebas tina perbudakan anu

pinuh ku kasieun, dumeh geus nampa


Ruh anu ngalantarankeun urang jadi
putra-putra Allah tur laluasa nyebut
‘Abba, Ama,’ ka Allah.
16 Ruh teh ngayakinkeun hate urang,

yen urang teh memang putra-putra


Allah.
17 Ku sabab urang teh putra-putra-Na,

tangtu oge jadi ahli-ahli waris-Na. Urang


ROMA 8.18–22 34
boga hak narima sakur anu ku Mantenna
dijangjikeun, sakumaha ka Al Masih.
Upama urang geus milu sangsara jeung
Al Masih, supaya urang oge dimulyakeun
jeung Anjeunna.
18 Simkuring boga kayakinan, yen

kasangsaraan ayeuna teh dibanding


jeung agungna kamulyaan anu ku Allah
baris dipaparinkeun mah, meh taya
hartina.
19 Ayeuna sakumna mahluk pohara

nyongsrongna, kumejot ngarep-ngarep


kana wanci diembarkeunana saha anu
kaasup putra-putra Allah.
20 Sababna mahluk taluk ka nu sarwa

mubadir teh, lain ku karepna sorangan,


tapi ku kersaning Mantenna Anu geus
nalukkeunana. Tapi sajeroning kitu, ku
Mantenna dipaparin hiji pangharepan,
21 yen mahluk teh baris dibebaskeun

tina genggeman kabinasaan sarta


ginanjar kamerdikaan kamulyaanana
putra-putra Allah.
22 Geus teu matak bireuk deui, yen

nepi ka kiwari kabeh mahluk nu kumelip


nandangan kanyeri, lir kanyeri nu
ngajuru.
ROMA 8.23–28 35
23 Lain batur bae anu kitu teh, urang
oge anu geus ti heula ginanjar Ruh,
sarua rumahuh jeroning kalbu; eta teh
bawaning kumejot ngarep-ngarep hak
kaputraan tea, nya eta leupasna badan
urang tina kabinasaan tea.
24 Pangna urang salamet teh lantaran

boga pangharepan eta. Tapi inget, ari


pangharepan teh, nya eta hiji hal anu
can bukti. Ari geus breh buktina mah,
atuh naon deui anu rek diarep-arep?
25 Ku sabab anu diarep-arep can

ngabukti, urang teh kudu sabar tawekal.


26 Dina keur lemah, urang teh dideudeul

ku Ruh tea. Sabab urang mah teu


terang, kudu kumaha neneda teh; nya
Ruh tea anu mangnedakeun urang ka
Allah teh: Nepikeun kereteg-kereteg
hate anu henteu kakedalkeun ku urang.
27 Allah anu tingali kana usiking

ati sanubari urang uninga, yen anu


dipangnedakeun ku Ruh teh, nya eta
jalma-jalma anu disebut suci, anu
sapagodos jeung pangersa-Na.
28 Jadi, sing sakur anu ngesto ka Allah,

nya eta anu geus disalaur saluyu jeung


pangersa-Na, ku Mantenna oge dibantu
ROMA 8.29–34 36
dina sagala perkarana supaya hade
temahna.
29 Sabab sakabeh jalma anu memang

geus kapilih mah, ti barang mimiti


keneh, ku Mantenna geus ditangtukeun
baris jadi saharkat jeung Putra-Na sarta
Putra-Na tea diangkat jadi dulur cikal
maranehna.
30 Sakur anu geus ditangtukeun kitu,

baris disalaur dina waktuna. Sakur anu


disalaur, tangtu ku Mantenna diangken
bener. Sakur nu diangken bener, tangtu
dipaparin kamulyaan.
31 Ku kituna, urang teh rek ngucap naon

deui? Lamun Allah di pihak urang, saha


nu bisa ngalawan ka urang?
32 Mantenna geus sakitu iklasna

nyerenkeun Putra ku manten guna


urang; ku sabab eta, sagala-galana oge,
ku Mantenna moal teu dipaparinkeun ka
urang.
33 Saha anu bisa ngagugat-gugat

jalma-jalma anu geus dipilih ku Allah,


anu ku Mantenna geus diangken bener?
34 Saha nu wenang ngahukum ka

maranehna? Anging Al Masih nyalira!


Tapi papadaning kitu, Anjeunna malah
nepi kapupus enggoning ngabelaan
ROMA 8.35–39 37
urang. Gugah-Na deui oge, pikeun
urang. Anjeunna linggih di tengeneun
Allah ge, pikeun ngabelaan urang.
35 Saha nu bisa megatkeun urang

tina asihna Al Masih? Kasangsaraan


atawa panganiayaan, naha bisaeun
megatkeun? Hal tuna sandang tuna
pangan, naha bisaeun megatkeun?
Bahaya atawa kakuatan pakarang
bisaeun misahkeun?
36 Memang geus aya tulisanana

dina Kitab: ‘Ku margi anut ka Gusti,


saban-saban dinten abdi-abdi diriung ku
bahya pati, disamikeun sareng domba
peunciteun.’
37 Najan kitu, hamo! Sabab sajeroning

kitu, urang teh geus leuwih ti unggul ku


karana Anjeunna anu sakitu asih-Na ka
urang.
38 Simkuring estu yakin, boh kawasa

pati, boh hirup, boh malaikat-malaikat,


boh pamarentahan-pamarentahan, boh
nu kiwari boh nu bakal datang,
39 boh kakawasaan nu ti luhur atawa

anu ti handap, boh mahluk-mahluk


lianna, pamohalan aya anu bisa
megatkeun urang tina asihing Allah anu
ROMA 9.1–7 38
ngancik di Isa Al Masih, Gusti Jungjunan
urang.
1 Demi Al Masih, nu rek diterangkeun

9 ku simkuring teh nu saenyana. Lain


bohong, estu medal tina getering ati
sanubari, Ruh Allah oge tingalieun.
2 Simkuring teh teuing ku nalangsa,

hate teu weleh asa digerihan.


3 Ari ras ka dulur-dulur, anu sare'atna

mah tunggal sabangsa; simkuring teh


iklas najan upamana nepi ka kudu
paturay ti Al Masih oge, asal matak
jamuga ka maranehna.
4 Ngingetkeun maranehna teh bangsa

Israil bangsa anu dibere hak jadi


putra Allah, dibere kamulyaan, dibere
perjangjian, kitu deui Toret jeung tuduh
jalan ibadah, katut jangji-jangji Allah.
5 Maranehna teh rundayan para

luluhur anu ngayugakeun Al Masih


gumelar ngajadi manusa, nya Manusa
Ilahi nu nyakrawati, agungkeuneun
salalanggengna. Amin.
6 Tapi pangandika Allah mah, pamohalan

kana meleset. Sabab henteu kabeh


turunan Israil, kaasup bangsa Israil teh.
7 Oge henteu kabeh terah Ibrahim,

enya-enya kaasup turunan Ibrahim.


ROMA 9.8–13 39
Sabab (dawuhan Allah ka Ibrahim):
‘Nu baris jadi turunan maneh teh anu
gumelar ti Isak.’
8 Tegesna, putra-putra Allah mah, lain

anu gumelar tina jasmani, tapi anu


medal ku karana perjangjian Mantenna.
9 Ari perjangjian Mantenna teh kedal

dina dawuhan ieu: ‘Tepung waktu


mangsa ieu, Kami rek ka dieu deui; dina
mangsa eta, Sarah bakal pibogaeun
anak lalaki.’
10 Nu leuwih eces mah dawuhan ka

Rabeka, basa Rabeka keur kakandungan


kembar ti carogena, Isak tea, karuhun
urang.
11 Ti memeh kakandunganana tea

medal, jadi acan lakon hade atawa


goreng, nu hiji enggeus dipilih sarta
Allah geus netelakeun yen pamilih
Mantenna henteu dumasar kana hade
gorengna kalakuanana, estu wungkul ku
karana pangersa-Na bae.
12 Kieu dawuhana-Na: ‘Lanceukna bakal

kumawula ka adina.’
13 Oge kauni dina Kitab: ‘Ka Yakub Kami

teh asih, ari ka Esau mah giruk.’


ROMA 9.14–19 40
14 Kumaha ari kitu! Naha urang rek
nyalahkeun, majarkeun Allah teu adil?
Piraku Allah teu adil!
15 Baheula Mantenna ngadawuh ka

Musa: ‘Kami rek mikarunya ka sakur anu


geus ditangtukeun ku Kami. Kami niat
ngurniaan ka sakur nu geus kapilih ku
Kami.’
16 Eta teh, netelakeun yen Allah henteu

gumantung kana kahayang atawa


tingkah laku jelema. Kabeh gumantung
kana pangersa-Na.
17 Oge dina Kitab aya dawuhan

Mantenna ka Piraon: ‘Nu matak maneh


ku Kami dijungjung teh lantaran ku
Kami arek dipake pikeun nembongkeun
kakawasaan, supaya ngaran Kami
kakoncara ka sakuliah dunya.’
18 Jadi, Allah mah, mikawelas teh ka

saha bae anu kamanah ku Mantenna;


kitu oge, upama Mantenna ngersakeun
jelema jadi bedegong, nu mana bae.
19 Meureun cek aranjeun: ‘Ana kitu,

naha atuh Mantenna sok ngaweweleh


kalakuan manusa, da saha atuh
jelemana anu bisa mapalangan kana
pangersa-Na?’
ROMA 9.20–25 41
20 Kieu saenyana: ‘Ambeu, naha saha
manusa teh make wani-wani ngalawan
ka Allah?’ Upama urang barang jieun,
eta barang anu dijieun teh moal bisa
nyalahkeun kieu: ‘Ku naon kuring dijieun
kieu?’
21 Upamana bae Ki panjunan, tangtu

bisa kumaha karep kana taneuh


lempung, naha rek dijieun wadah anu
endah atawa anu basajan bae.
22 Jadi, upama Allah rek nibankeun

bebendu jeung pangawasa-Na ka anu ku


Mantenna rek dibenduan jeung diruksak,
tapi kersa nyabaran keneh;
23 eta teh taya lian, ti seja mintonkeun

kamulyaana-Na anu tanpa wangenan, ka


nu baris dipiwelas jeung baris diangkat
kana kamulyaan.
24 Nya eta urang tea, anu ku Mantenna

geus disaur. Ari anu disalaur teh lain


ngan ti urang Yahudi wungkul, tapi ti
bangsa-bangsa sejenna oge.
25 Sakumaha dawuhana-Na dina kitab

Hosea: ‘Anu tadina lain umat Kami,


seja diaku jadi umat Kami. Kami seja
nerapkeun kaasih ka anu tadina henteu
dipikaasih.
ROMA 9.26–32 42
26 Kitu deui di tanah anu tadina disebut:
Maraneh mah lain umat Kami, —
baris diaku jadi putra-putra Allah Anu
jumeneng.’
27 Nabi Yesaya oge, kieu saurna

ngeunaan urang Israil teh: ‘Sanajan bani


Israil lobana, lir keusik lautan, nu baris
dirahayukeun mah ngan sabagian leutik.’
28 Sabab sakur anu ku Pangeran geus

ditimbalkeun, tinangtu ku Mantenna


dibuktikeun di ieu bumi kalawan
sahinasna tur sampurna.
29 Memeh eta, Nabi Yesaya nyaurkeun

kieu: ‘Cacakan upama Pangeran henteu


ngarikeun binih, nasib urang teh moal
beda ti nagara Sadumu jeung Gomora.’
30 Kumaha ayeuna cek urang? Kieu:

Bangsa-bangsa lian, anu teu nareangan


jalan kana kayaktian geus diangken ku
Allah, ku lantaran imanna.
31 Sabalikna, urang Israil, sanajan

naluturkeun tuduh jalan kanu sayakti,


ku Allah teu diangken.
32 Naon sababna? Sabab

naluturkeunana, lain ku iman


kapercayaan, tapi ku amal-amalan
sorangan.
ROMA 9.33–10.6 43
33 Cek Kitab: ‘Kahade, Kami di Sion
neundeun hiji batu sesentugan, hiji
cadas tatajongan. Tapi sing saha anu
percaya ka Anjeunna, pinasti moal
hanjakal.’ Urang Israil mah, titajong
kana eta batu (Al Masih) teh.
1 Dulur-dulur! Nurutkeun rasa

10 katineung mah, malah ditedakeun


pisan ka Pangeran, mugi-mugi
maranehna teh pinarinan salamet.
2 Da anu kasaksian ku simkuring oge,

maranehna teh saregep ka Allah, ngan


bae teu bener dina ngahartikeunana.
3 Ku sabab teu nyarahoeun kana

kasaestuan Allah, heug bae maranehna


nyarieun bebeneran sorangan,
tungtungna embung tunduk kana
kasaestuan Allah.
4 Padahal bukti palaksanaan Toret

teh, nya Al Masih pisan. Sing saha


anu percaya ka Anjeunna, tinangtu
meunangkeun nu saestuna.
5 Sabab ku Musa oge diserat kieu:

‘Jalma anu ngalakonan bebeneran


anu aya dina Toret, tangtu ti dinya
meunangkeun hirup.’
6 Ari bener ku karana iman teh nyoko

dina kalimah ieu: ‘Ulah ngomong dina


ROMA 10.7–12 44
hate: Saha anu bisa ka Sawarga pikeun
mawa Al Masih turun ka urang?
7 Atawa: Saha nu bisa nurunan jurang

pati pikeun ngahanjatkeun Al Masih ti nu


maraot?’
8 Kumaha atuh? Kieu: ‘Rasiahna

Pangandika deet bae, ngukir dina biwir,


nete dina hate.’ Eta rasiah iman teh,
anu diwawarkeun ku simkuring sakanca
mitra.
9 Sabab upama biwir ngaku, yen Isa teh

Gusti Jungjunan tur percaya dina hate,


yen Anjeunna ku Allah geus digugahkeun
ti nu maraot, tanwande urang ginanjar
salamet.
10 Kapan percaya teh ku hate,

ngalantarankeun urang diangken


bener. Ari ngaku teh ku biwir, anu
ngalantarankeun urang disalametkeun.
11 Cek Kitab: ‘Sakur nu percaya ka

Anjeunna, ku Anjeunna moal diangles.’


12 Sakur teh, hartina, sing saha bae

kalawan teu dibeda-beda, taya urang


Yahudi taya urang Yunani. Sabab Allah
anu tunggal teh Allah nu disembah ku
kabehan, lautan kurnia keur sakur anu
sumambat ka Mantenna.
ROMA 10.13–18 45
13 Sabab sing saha anu sumambat
ka pajenengan Pangeran, tinangtu
disalametkeun.
14 Tapi kumaha arek sumambat ka

Mantenna, ari maranehna embung


percaya ka Anjeunna? Kumaha arek
percaya ka Anjeunna, ari henteu
ngadenge? Kumaha arek ngadenge hal
Anjeunna, ari teu aya anu ngabaran?
15 Saha anu rek ngabaran, ari teu

aya anu diutus? Cek Kitab: ‘Ku endah


lengkahna jalma-jalma anu ngemban
warta pikabungaheun!’
16 Tapi anu narima eta kabar

pikabungaheun teh, henteu kabeh. Nepi


ka Yesaya ngarahuh: ‘Nun Pangeran,
saha anu daek nguping kana ieu
pangwawaran?’
17 Padahal iman kapercayaan teh asalna

tina ngadenge, ari anu kudu didengena,


nya eta dawuhan Al Masih.
18 Simkuring sok nanya dina hate, naha

kitu maranehna teh can ngadarenge


kana hal eta? Padahal simkuring terang
maranehna teh enggeus ngadarenge,
sabab: ‘Sorana parat ka saampar jagat,
lisan-lisanna tepi ka satungtung bumi.’
ROMA 10.19–11.3 46
19 Simkuring tumanya deui: Didarenge
atawa henteu ku maranehna? Tapi piraku
teu didarenge mah, sabab saur Musa:
‘Kami baris nimbulkeun sirik maneh ka
jalma-jalma anu henteu kaasup umat,
jeung nimbulkeun amarah maneh ka
bangsa nu gejul keneh.’
20 Komo Yesaya mah, leuwih wani deui

ngeceskeunana: ‘Kami geus ngahaja


sina kapanggih ku jalma anu teu nariat
neangan, sarta geus nembongan ka
jalma-jalma anu tara maluruh hal Kami.’
21 Ari ngeunaan urang Israil mah, kieu

saur anjeunna: ‘Sapoe jeput Kami teh


nyodorkeun leungeun ka ieu bangsa anu
wangkelang jeung tukang ngabantah.’
1 Ieu teh nimbulkeun pertanyaan:

11 Na geus dipiceun kabeh eta


umat teh ku Pangeran? Piraku! Kapan
simkuring oge urang Israil, turunan
Ibrahim ti Kaom Binyamin.
2 Moal enya Allah miceun ka umat-Na,

kenging-Na ku manten milih! Cek Kitab,


basa Elias rumahuh ka Allah ngadukeun
urang Israil:
3 ‘Nun Pangeran, maranehna teh

parantos maraehan nabi-nabi Gusti.


Mezbah-mezbah Gusti ge, ku maranehna
ROMA 11.4–11 47
diruntuh-runtuhkeun. Mung kantun
abdi nu masih hirup, nanging abdi ge
diarah-arah pati.’
4 Kumaha waleran Allah? ‘Aya keneh

pikeun Kami. Ku Kami dikarikeun tujuh


rebu urang deui anu henteu marilu
sembah sujud ka arca Baal.’
5 Nya kitu kiwari oge, aya keneh saeutik

anu nyesa, lantaran aya piwelas Allah.


6 Disesakeun soteh, ku lantaran aya sih

kurnia, lain pedah bener kalakuanana.


Ari ngukur kana kalakuanana mah, atuh
lain oge sih kurnia.
7 Jadi, kumaha cindekna? Kieu: Urang

Israil teh henteu kabeh bisa ngahontal


udaganana, ngan anu kapilih bae. Nu
sejen-sejenna mah geus naleugtreug.
8 Cek Kitab: ‘Maranehna ku Allah disina

talibra. Matana sina teu arawas, ceulina


sina norek, tug nepi ka kiwari.’
9 Oge saur Daud: ‘Sukan-sukanna sing

jadi jiret jeung burang, jadi mamala


katut wawales ka maranehna keneh.
10 Panonna sina kalampud ulah sina

awas, tonggongna sing barengkung


balas nanggung.’
11 Simkuring sok mikir kieu: Naha

pedah maranehna geus lalabuh teh


ROMA 11.12–15 48
ngandung harti moal bisa marenyat
deui? Henteu, lain kitu! Eta mah, lalabuh
soteh, pedah ngalalawan. Eta sababna,
kasalametan teh diragragkeun ka
bangsa-bangsa lian; maksudna, pikeun
mapanas maranehna, bangsa Israil tea.
12 Kagagalan maranehna, geus matak

jadi bagja ka saalam dunya sarta


kakuranganana, matak jembar ka
bangsa-bangsa sejen; geus komo deui
lamun maranehna satia mah.
13 Hal ieu diwakcakeun ka aranjeun

nu lain bangsa Yahudi. Malah ku sabab


simkuring teh rasul pikeun nu luareun
bangsa Yahudi, ku ngawakcakeun eta
hal teh, tugas karasulan simkuring jadi
karasa mulyana.
14 Mudah-mudahan ku jalan kitu bangsa

simkuring hatena bisa kageuing sarta


tarobat; malakmandar ku kitu teh, aya
anu bisa kasalametkeun.
15 Sabab upama dipiceunna eta bangsa

geus ngalantarankeun bangsa-bangsa


luareunana salamet, komo lamun
maranehna ditarima deui; naon
pibasaeunana, lian ti lir nu geus paeh
hirup deui?
ROMA 11.16–21 49
16 Ibarat roti, lamun bibitna beresih,
rotina oge beresih. Atawa lamun akarna
mulus, dahan-dahanna oge tangtu
mulus.
17 Ku sabab eta, lamun dahan-dahan

tina tangkal jetun piaraan, aya anu


ditilas; tuluy aranjeun, anu lir sirung tina
tangkal jetun leuweung, dicangkokkeun
kana urut dahan nu ditilas tea jeung milu
nyeuseup kahakanan tina akarna,
18 aranjeun ulah rasa maneh leuwih

utama ti batan dahan anu ditilas tea.


Upama nepi ka boga rasa kitu, mangka
areling; lain aranjeun anu ngahuripan
akar, tapi akar anu ngahuripan aranjeun.
19 Bisa jadi cek aranjeun: ‘Nu matak

eta dahan ditilas ge pikeun tempat aing


sirungan.’
20 Lain, lain kitu! Nu matak maranehna

ditilas teh, tina bonganna embung


percaya. Sabalikna, aranjeun
dicangkokkeun soteh lantaran daek
percaya. Jadi, poma ulah rek nyombong,
anggur kudu sieun!
21 Sabab upama Allah teu lebar-lebar

nilas dahan anu pituin, ka aranjeun oge


moal ngaraos lebar nilas.
ROMA 11.22–26 50
22 Ku sabab eta, mangka tigin kana
welas asih-Na; kitu deui, kana sipat
Mantenna anu keras. Keras soteh, ka nu
baredegong. Upama aranjeun tigin mah,
welas asih-Na tangtu karasa. Lamun teu
tigin, aranjeun oge moal teu ditilas.
23 Tapi maranehna oge, ari geus tarobat

mah tina kateupercayaanana, tinangtu


dipulihkeun; da Allah mah, kawasa
nyangkokeunana deui.
24 Sabab upama aranjeun, anu tadina

saibarat sirung tina tangkal jetun


leuweung, geus dicangkokkeun kana
jetun piaraan sanajan beda sipat beda
bakat; komo deui maranehna, nu asalna
oge sasipat, tangtu baris dipulihkeun
deui kana tangkal asalna.
25 Dulur-dulur! Simkuring ngaharep,

supaya aranjeun ulah ngarasa guminter.


Ku sabab eta, simkuring rek mere ieu
rasiah: Sabagian urang Israil geus
naleugtreug. Kituna teh, ngan nepi ka
mangsa jejegna bilangan anu disalaur ti
bangsa-bangsa luareunana geus asup ka
karajaan Allah.
26 Upama eta geus kahontal, pinasti

Israil baris disalametkeun, sakumaha


cek Kitab Suci: ‘Ti Sion baris sumping
ROMA 11.27–33 51
Pambebas, sagala kadorakaan ti Yakub
baris dieuweuhkeun.
27 Ieu jadi jangji ti Kami ka maranehna,

di mana dosa-dosana ku Kami geus


dilubarkeun.’
28 Maranehna teh, ari ditilik ti pihak Injil

mah, satru Allah. Ku lantaran hal eta,


nu untung teh aranjeun, nu lain urang
Yahudi. Tapi ku sabab tadina oge umat
kapilih tur ngaraskeun ka karuhunna,
tetep maranehna ku Allah dipikaasih.
29 Sabab Allah mah, sakali miasih jeung

mikurnia moal barobah deui.


30 Aranjeun nu asal teu ngesto ka

Mantenna, ayeuna malah ginanjar murah


asih-Na; eta teh, balukar ti maranehna
teu ngesto ka Allah.
31 Kitu oge maranehna, tinangtu

ngalaman sakumaha anu kaalaman ku


aranjeun, — sanajan ayeuna maranehna
teu ngesto ka Allah — nya eta baris
pinarinan deui murah asih-Na.
32 Sabab sakabeh manusa ku Allah

geus dikerem di jero lingkungan


kabasangkalan, supaya Mantenna iasa
mintonkeun murah asih-Na ka sakabeh.
33 Beu, pohara matak helokna ari

kawijaksanaan jeung timbangan Allah!


ROMA 11.34–12.3 52
Putusana-Na henteu bisa kajugjugan,
pangreka manah-Na henteu bisa
kateuleuman!
34 Ku kitu tea mah: ‘Saha nu awas kana

mamanahan Pangeran? Saha nu geus


kungsi nganasehatan ka Mantenna?
35 Atawa saha anu geus kungsi

ngahaturanan naon-naon, nepi ka


Mantenna kedah mulangkeun?
36 Sabab saniskara oge, asal ti

Mantenna, kenging Mantenna, jeung


kanggo Mantenna, salalanggengna.
Amin.’
1 Ku sabab kitu, dulur-dulur, demi

12 Allah nu murah asih, simkuring


rek mere pepeling. Sanggakeun ka
Mantenna diri sakujur, nya eta pikeun
jadi korban anu hirup, suci tina rereged,
sarta kamanah ku Mantenna. Eta teh,
lakuning ibadah ka Allah anu sajati.
2 Ulah rek kabawakeun ku tabeat dunya

anu ilahar; enyana mah, anyarkeun


batin pikeun ngarobah hirup, supaya
terang ka anu jadi pangersa Allah, nya
eta nyaho mana nu hade tur sampurna
anu sapuk jeung pangersa-Na.
3 Simkuring anu geus nampa sih

kurnia-Na, arek papatah ka aranjeun


ROMA 12.4–8 53
masing-masing. Ulah rek mikiran nu
lain-lain nu pamohalan; hadena mah,
anu baris kabedag bae, anu saimbang
kana kamampuhan jeung iman kurnia ti
Allah.
4 Tilik bae awak; anggahotana

rupa-rupa; gunana oge beda-beda.


5 Urang oge nya kitu: Lobaan tapi

tunggal sabadan lantaran iman ka Al


Masih sarta anggota pada anggota silih
pikabutuh.
6 Demi murah asih-Na Allah, urang

masing-masing pada-pada meunang


kurnia, tapi henteu sarua; da bakat
urang ge, beda-beda. Ku sabab eta,
anu dipaparin bakat mere piwejang,
gunakeun eta bakat teh, asal saluyu
jeung iman urang.
7 Anu dipaparin bakat ngalalayanan,

gunakeun kana ngalalayanan. Anu


dipaparin bakat ngajar, gunakeun kana
ngajar.
8 Anu dipaparin bakat bisa mere

nasehat, pake nganasehatan. Dina


barang bere, merena kudu jeung iklas.
Anu kudu mingpin, kudu mingpin bari
jeung tanggung jawabna. Anu seja mere
pitulung, nulungna kudu bari bear budi.
ROMA 12.9–17 54
9 Ulah nyaah pupulasan! Dosa kudu
dilawan, nu hade lampahkeun.
10 Aranjeun kudu silih raketan, lir

jeung dulur sorangan, jeung kudu


paheula-heula ngajenan.
11 Enggoning lakon gawe nu karana

Allah, aranjeun ulah melencing, tapi sing


saregep jeung sumanget.
12 Enggoning mantengkeun harepan ka

Al Masih teh kudu jeung ngarasa bagja,


sing sabar tawekal dina nandangan
cocoba, jeung ulah petot-petot neneda.
13 Dulur saiman anu keur kakurangan

kudu dideudeul, mun kasemahan kudu


daek kapondokan.
14 Ka nu nganyerikeun ulah males

nganyenyeri, anggur doakeun sing


hade-hade.
15 Ka nu meunang kabungahan kudu

milu bungah; ka nu kasusahan kudu


milu susah.
16 Jeung pada batur kudu akur

sauyunan. Dina mikir ulah mikiran nu


pamohalan, sing salayakna bae. Poma,
ulah asa pinter sorangan.
17 Nu jahat ulah dibales jahat; ulah teu

payaan ku sikep batur.


ROMA 12.18–13.3 55
18 Sabisa-bisa urang mah, ka itu ka ieu
oge, kudu repeh kudu rapih.
19 Weu, dulur-dulur kadeudeuh! Poma,

urang mah ulah hayang ngabales. Sual


wawales mah kagungan Allah. Cek Kitab
Suci oge: ‘Hak wawales aya di Kami.
Kami nu wajib ngabales.’ Kitu dawuhan
Pangeran.
20 Maneh mah, mun musuh lapar, bere

dahar; mun musuh halabhab, bere


nginum! Ku dikitukeun teh, si musuh
moal teu asa nyunyuhun ruhak.
21 Poma, ulah kaelehkeun ku sipat

jahat; tapi elehkeun eta sipat jahat teh,


ku sipat nu hade.
1 Unggal jelema kudu nurut

13 ka pamarentahna, nu nyekel
kakawasaan. Sabab kakawasaan teh
kabeh ge asal ti Allah. Pamarentah nu
keur ngadeg, eta geus kersaning Allah.
2 Ku sabab eta, bahula ka pamarentah

teh, sarua jeung ngalawan pangersa


Allah; anu ngalawanna, tinangtu
dihukum.
3 Pamarentah teh, pikeun rayat nu

hade mah, teu matak sieun; kajaba


pikeun nu jahat. Malar ulah sieun ku
ROMA 13.4–9 56
kakawasaanana, urang kudu bener,
supaya jadi pujieun pamarentah.
4 Aranjeunna teh kawula Allah anu

baris nangtayungan ka urang. Matak


sieun soteh pikeun nu jahat; sabab
kakawasaan pamarentah teh, moal
tambuh-tambuh; tur sapagodos
jeung pangersa Allah, nya eta pikeun
nibankeun hukuman ti Mantenna ka
jelema anu jahat.
5 Ku sabab eta,urang wajib nurut ka

pamarentah. Lain samata-mata malar


salamet bae, pangpangna mah,lantaran
geus wajibna kudu bener lalampahan.
6 Jaba ti eta, urang teh wajib mayar

pajeg, ngingetkeun aranjeunna teh


kawula Allah tea, anu ngatur rayat.
7 Sakur anu diwajibkeun kudu

dicumponan: Iuran bayar ka nu narik


iuran; pajeg bayar ka nu wajib narik
pajeg; ka nu pantes dipiajrih kudu ajrih;
ka nu pantes dihormat kudu hormat.
8 Ka itu ka ieu oge, ulah aya hutang,

kajaba ti hutang budi. Hartina, kudu


nyaahan. Sabab jelema anu nyaahan
teh, hartina, nyumponan hukum Toret.
9 Cek Toret: ‘Maneh ulah jinah. Maneh

ulah maehan. Maneh ulah maling. Maneh


ROMA 13.10–14 57
ulah kabongroy ku barang batur.’ Ieu
kabeh, kitu deui saeusining Toret, ari inti
sarina mah nyoko dina timbalan nu kieu
ungelna: ‘Kudu nyaah ka batur, lir ka
awak sorangan.’
10 Nu nyaahan mah, pamohalan nyieun

kagorengan ka batur. Tah eta sababna,


pangna nu gede kanyaahna kasebut
geus nekanan hukum Toret teh.
11 Eta teh wajib pikeun urang. Sabab

ku aranjeun oge tangtu karasa, yen


jaman kiwari teh geus nitih kana wanci
nyaring. Sabab kasalametan nu ti Allah
geus beuki leuwih deukeut bae, tibatan
bareto-bareto.
12 Peuting geus meh beak, geus tereh

beurang. Kalakuan-kalakuan jahat anu


biasa dilampahkeun popoekan geus kudu
ditinggalkeun, geus kudu sadia saged
keur baranggawe dina waktu caang.
13 Kudu pantes nya lampah sakumaha

pantesna ti beurang. Beurang teh


ulah dipake balakecrakan, ulah dipake
mamabokan, ulah dipake rucah ngumbar
sahwat, ulah dipake pasea, jeung ulah
dipake sirik pidik.
14 Diri urang sakujur, ti luhur sausap

rambut ti handap sahibas dampal,


ROMA 14.1–5 58
jadikeun abdi Al Masih. Ulah migusti
karep badani, nu kahayangna ngalajur
napsu.
1 Sing ngama'lum ka batur

14 nu kurang yakin. Sual kurang


kayakinan ulah direcok-recok.
2 Jelema mah, kayakinanana teh teu

sarua. Aya nu yakin yen ngadahar naon


oge meunang; aya nu ukur ngadahar
bangsa sayuran lantaran kurang yakin
meunang henteuna ngadahar sagala
rupa.
3 Dina sual ieu, anu sok ngadahar

sagala rupa, ulah nyawad ka nu tara.


Masing-masing bae, da Allah mah ka
duanana oge nampi.
4 Barina oge naon hak aranjeun nyawad

ka bujang batur? Masih kumaha bae


oge, ari anu wenang nangtukeun
mah, dununganana; naha bujangna
teh, suhud atawa henteu. Urang ulah
manghamhamkeun, da Allah mah
iasa bae ngarobah jelema jadi suhud
sumujud.
5 Aya jalma anu nganggap, yen ‘poe

anu’ leuwih penting batan poe-poe


sejen; aya oge anu nganggap poe
mah kabeh ge sarua. Keun, eta mah,
ROMA 14.6–11 59
nurutkeun kayakinan masing-masingna
bae.
6 Anu yakin, yen aya poe anu istimewa,

yakinna teh ka Gusti Allah. Anu dahar,


daharna teh bari teu poho ka Gusti,
ku ngucap sukur ka Allah anu maparin
dahareunana. Anu puasa, puasana bari
eling ka Gusti, ku ngucap sukur pedah
bisa ngajalankeun puasa.
7 Sabab jelema mah, — boh hirupna,

boh paehna — lain ngan keur


sadirieunana bae.
8 Eukeur hirup, hirupna teh kanggo

Gusti; ana paeh, nyawana teh kanggo


Gusti. Boh hirupna, boh paehna,
nyawana teh kagungan Gusti.
9 Nya kitu oge pangna Al Masih pupus

sarta hirup deui teh, supaya jumeneng


Gusti Jungjunan: Boh keur nu geus
paraeh; boh keur nu harirup keneh.
10 Ku sabab eta, nanaonan cuwud-

cawad kana kayakinan batur? Naha


kayakinanana dianggap hina? Urang teh,
kabeh oge, kudu jagrag kana pangadilan
Allah ku manten.
11 Sabab cek Kitab: ‘Demi Kami

jumeneng, timbalan Pangeran, unggal


ROMA 14.12–17 60
jalma baris tapak deku ka Kami. Kabeh
jalma baris ngamulyakeun ka Allah.’
12 Jadi, urang teh moal bisa sumingkir

deui; kudu tanggung jawab kana laku


lampah masing-masing.
13 Ku sabab eta, poma ulah silih cawad

deui. Rek nyawad mah kana kalakuan


sorangan bae. Jaga, supaya batur ulah
nepi ka kasigeung perasaanana.
14 Simkuring yakin, — dina

kamanunggalan jeung Isa, Gusti


Jungjunan urang — yen dina hakekatna
mah, taya barang anu najis. Najis soteh,
cek nu nganggap najis.
15 Jadi, upama aranjeun nyigeung

perasaan batur ku alatan anu didaharna;


hartina, aranjeun geus ingkar tina
kanyaah. Poma, ulah nyieun nu matak
tideuha ka batur ku sual kadaharan;
sabab Al Masih teh, pupusna, keur guna
manehna ongkoh.
16 Anu hade pikeun aranjeun ulah

dipake ngadorakakeun batur.


17 Sabab Karajaan Allah mah, moal

ngarecokkeun sual naon nu wenang


didahar atawa diinum. Karajaan Allah
mah, ukur mentingkeun sual kasaestuan,
ROMA 14.18–23 61
karapihan, jeung kabagjaan hirup dina
aub-aubna Ruh Allah.
18 Sing saha anu ngawula ka Al Masih

ku cara kitu, tangtu ku Allah kamanah,


ku pada jalma oge diajenan.
19 Ku sabab eta, hayu rampak ngudag

hal-hal anu nuju kana karapihan sarta


silih kuatkeun iman kapercayaan.
20 Poma, ulah ngaruksak padamelan

Allah ku sual kadaharan! Enya kadaharan


teh taya nu najis, tapi ari ngadaharna
matak nyigeung hate batur mah, kacida
gorengna.
21 Utamana, ari matak jaheut hate batur

mah, hade ge, ulah ngadahar daging


atawa inuman keras jeung sabangsana.
22 Nu dipake kayakinan ku sorangan,

tungkus sajeroning ati; da eta mah,


urusan iman sorangan ka Gusti Allah.
Bagja, jalma anu teu kaganggu ku budi
rasana enggoning milampah naon-naon
anu cek kayakinanana hade.
23 Sabalikna, jalma anu hamham,

— tapi teu burung ngalampahkeun


anu cek kayakinanana teu meunang
— eta teh geus kahukum; lantaran
ngalampahkeunana, henteu dibarengan
ROMA 15.1–6 62
ku imanna. Sabab naon-naon anu henteu
dibarengan ku iman, eta teh dosa.
1 Anu kuat imanna, wajib

15 ngadeudeul ka anu kurang kuat,


ulah genah-genah sorangan bae.
2 Kamampuhan urang masing-masing

kudu dimangpa'atkeun pikeun batur,


supaya imanna dikuatkeun.
3 Kapan Al Masih oge tara mentingkeun

salira ku anjeun, sakumaha cek Kitab:


‘Pamoyokna jalma-jalma ka maraneh,
keunana ka Kami.’
4 Sabab anu ditulis baheula teh,

maksudna, keur pepeling ka urang


kiwari. Upama dibaca, eta Kitab Suci
teh, bisa nguatkeun pangharepan urang
ku lantaran pangajaranana tea, nya eta
ngeunaan katawekalan jeung panglipur.
5 Mugia Allah anu jadi sumber

kapengkuhan jeung lautan panglipur,


marengkeun aranjeun runtut-raut
sauyunan, — luyu jeung pangersa Isa Al
Masih —
6 supaya aranjeun bisa ragem, sasora

sabiwir, ngamulyakeun ka Allah nu jadi


Rama Isa Al Masih, Gusti Jungjunan
urang.
ROMA 15.7–13 63
7 Ku sabab eta kudu silih tembrakeun
hate, sakumaha Al Masih oge geus
nembrakkeun manah-Na ka aranjeun,
supaya jadi kamulyaan ka Allah.
8 Nu dimaksud ku simkuring tegesna

kieu: Pikeun ngabuktikeun kasaestuan


Allah, Isa Al Masih teh geus kumawula
ka bangsa anu disunat, pikeun
ngayakinkeun eta bangsa tina hal
perjangjian Allah ka karuhun-karuhunna.
9 Jaba ti eta, supaya bangsa-bangsa

lianna oge ngamulyakeun Allah, anu


sakitu welas asih-Na ka maranehna. Cek
Kitab: ‘Abdi sumeja ngagung-ngagung
Anjeun di kalangan bangsa-bangsa lian.
Pajenengan Gusti sumeja dipuji-puji.’
10 Saterusna: ‘He bangsa-bangsa,

masing suka bungah, babarengan jeung


umat Mantenna!’
11 Saterusna deui: ‘He bangsa-bangsa

kabeh, paruji Pangeran! Sakabeh umat


mangka ngamulyakeun ka Mantenna.’
12 Terus saur Nabi Yesaya: ‘Tina bongkot

Isai, engke bijil hiji seuweu, baris ngereh


bangsa-bangsa, sarta jadi pangharepan
pikeun bangsa-bangsa lian.’
13 Mugia iman aranjeun ginanjar

kabagjaan jeung katengtreman ti


ROMA 15.14–18 64
Allah, supaya ku kawasaning Ruh Allah
pangharepan aranjeun tambah manteng
jeung tambah manteng bae.
14 Dulur-dulur! Saenyana simkuring

percaya, yen aranjeun teh geus


kaancikan ku watek-watek anu hade,
asak pangalaman, tur sanggup silih
geuing.
15 Hanas kitu, simkuring teh, ngawani-

wanikeun maneh nyuratan ka aranjeun.


Lantaran kajurung ku karumasaan yen,
simkuring geus dikersakeun ku Gusti jadi
rasul jeung awahing ku keyeng hayang
ngingetan.
16 Bubuhanana simkuring teh

dikersakeun jadi rasul anu kudu


ngawawarkeun Injil ti Allah ka bangsa-
bangsa luareun bangsa Yahudi. Maksud
simkuring mah, ngan seja nyanggakeun
bangsa-bangsa luareun bangsa Yahudi
tea ka pangkon Allah, sanggeus
maranehna disucikeun ku Ruh Allah.
17 Enggoning ngawula ka Allah ku

kersaning Al Masih, simkuring teh asa


agul.
18 Ari nyaritakeun nu sejen-sejen mah,

simkuring teh, teu wani. Nyaritakeun


soteh nu kaalaman ku sorangan, perkara
ROMA 15.19–22 65
padamelan Anjeunna anu dipercayakeun
ka simkuring, nya eta nungtun anut
bangsa-bangsa luareun bangsa Yahudi
tea. Eta ku simkuring parantos dilakonan
boh ku ucap, boh ku lampah,
19 sarta ku tanda-tanda ajaib, mujijat-

mujijat, jeung pangawasaning Ruh


Allah. Simkuring ngawawarkeun
Injil Kasalametan teh, estu nepi ka
tutugna: Mimiti ti Yerusalem jeung
sakurilingeunana, tug nepi ka Ilirikum.
20 Ngawawarkeunana ge ka tempat-

tempat anu sama sakali can ngadenge


jenengan Al Masih. Atuh simkuring teh,
pohara ngarasa agulna lantaran tetela,
ngawangun teh di tempat anu sama
sakali can aya tapak batur.
21 Eta teh saluyu jeung tulisan dina

Kitab Suci: ‘Jelema-jelema anu tadina


can kasumpingan, malah eta nu baris
diparengkeun narenjo ka Anjeunna. Anu
tadina can kawawaran, malah eta nu
baris diparengkeun ngadarenge jeung
ngalarti kana hal eta.’
22 Tah kitu sababna, nu matak unggal

rek ngalongok ka aranjeun, aya bae


halanganana.
ROMA 15.23–27 66
23 Tapi ayeuna mah, pagawean di dieu
teh geus teu perlu ditungkulan deui.
Jaba ti kitu, ongkoh geus mangtaun-taun
simkuring hayang nepungan aranjeun.
Atuh pohara kumejotna.
24 Mudah-mudahan engke, ari rek

ka tanah Sepanyol, simkuring bisa


nyimpang heula ka aranjeun. Kahayang
mah, sanggeus urang sosonoan, hayang
dianteurkeun ku aranjeun ka ditu, ka
Sepanyol tea.
25 Ayeuna simkuring teh keur di jalan

rek ka Yerusalem, mawa kiriman keur ka


jamaah di dinya.
26 Nya eta kikiriman ti urang Makedoni

jeung Ahaya, sidekahna beunang


maranehna iuran, sumbangkeuneun ka
anggota-anggota jamaah anu mariskin
di Yerusalem.
27 Maranehna teh ngarasa wajib; nya

kitu itung-itung mulang tarima, dumeh


ngarasa kahutangan budi ku urang
Yerusalem. Maranehna nu lain urang
Yahudi, rumasa geus ngabogaan harta
anu sipat rohani ti urang Yahudi. Jadi,
ngarasa wajib ngabantu ku harta anu
sipat jasmani.
ROMA 15.28–16.1 67
28 Di mana ieu urusan masrahkeun
eta sumbangan ti bangsa-bangsa sejen
geus beres dilakonanana ku simkuring,
simkuring rek terus ka Sepanyol sarta
tangtu nyimpang ka aranjeun.
29 Simkuring yakin datang ka aranjeun

teh baris rebo ku berkah-berkah ti Al


Masih.
30 Sajeroning kitu, dulur-dulur, — demi

Isa Al Masih sarta demi kanyaah anu


asal ti Ruh Allah — simkuring teh menta
dibantu dipangnedakeun ka Allah.
31 Mugi-mugi simkuring ulah kungsi

meunang gangguan naon-naon ti


jelema-jelema anu marantangul di
Yudea; kitu deui jeung tugas simkuring
nepikeun kikiriman, bisa lungsur-
langsar katarima sakumaha mistina ku
umat-umat suci di Yerusalem.
32 Supaya di mana geus diparengkeun

ku Allah bisa tepung jeung aranjeun teh,


urang masing-masing bisa sosonoan
kalawan senang jeung gumbira.
33 Mugi-mugi Allah, anu jadi sumber

kabagjaan, nyarengan ka aranjeun.


1 Simkuring nitipkeun Pebe, dulur

16 urang nu awewe, anu ngabantu


jamaah di Kengkrea.
ROMA 16.2–7 68
2 Demi Gusti, pangnarimakeun
sakumaha pantesna ka umat nu suci.
Bantu-bantu tugasna, dina perluna.
Manehna sorangan geus pohara
ngabantuna ka jalma rea; kitu deui ka
simkuring.
3 Pangnepikeun salam katineung

ka Priskila jeung Akwila, anu kungsi


babarengan lakon gawe jeung simkuring
demi Isa Al Masih.
4 Maranehna geus naruhkeun pati,

ngabelaan nyawa simkuring. Ka


maranehna, lain simkuring bae anu
nganuhunkeun teh, malah sakumna
jamaah nu lain Yahudi oge.
5 Kitu deui ka anggota-anggota

jamaah anu caricing di imahna, salam


ti simkuring. Salam ka Epenetus,
katineung simkuring, cikalna panganut
Al Masih ti Asia.
6 Salam ka Maryam, anu geus digawe

keur aranjeun sakitu temen wekelna.


7 Salam ka Andronikus jeung Yunias,

batur sabangsa simkuring anu kungsi


bareng dipanjara jeung simkuring.
Di antara rasul-rasul, duanana oge
jelema-jelema terpandang, tur jadina
Masihi oge heulaeun simkuring.
ROMA 16.8–16 69
8 Salam ka Ampliatus katineung
simkuring, papada anut ka Al Masih.
9 Salam ka Urbanus, batur gawe demi

Al Masih, oge ka Setakis.


10 Salam ka Apeles anu geus kauji

percayana ka Al Masih. Salam ka saeusi


imah Aristobulus.
11 Salam ka Herodion, baraya

simkuring. Salam ka sakur nu anut


ka Gusti Jungjunan urang di imahna
Narkisus.
12 Salam ka Tripena jeung Triposa,

anu geus banting tulang digawe pikeun


Gusti. Oge ka Persis anu geus enya-enya
digawe pikeun Gusti.
13 Salam ka Rupus; kitu deui ka ibuna,

anu karasana ku simkuring mah, lir ka


indung teges.
14 Salam ka Asinkritus, ka Plegon, ka

Hermes, ka Patrobas, ka Hermas, katut


kum duduluran Masihi sakumbuhan eta.
15 Oge ka Pilologus jeung Yulia, Nerkus

jeung dulurna nu awewe, jeung ka


Olimpas, katut umat-umat suci lianna nu
araya di maranehna.
16 Muga aranjeun pada patarema

leungeun masing-masing, sasalaman


saiklasing ati minangka wawakil
ROMA 16.17–20 70
simkuring. Aya oge salam ti sakumna
jamaah Al Masih, ka aranjeun.
17 Aya keneh nasehat ti simkuring,

nya eta muga aranjeun sing telik jeung


ati-ati ka jelema-jelema anu boga niat
ngalindih pangajaran anu ku aranjeun
geus kacekel, niat ngagoda, jeung
ngabengkahkeun. Poma, nu karitu mah,
ku aranjeun teh kudu dijauhan.
18 Jelema-jelema anu karitu teh,

saenyana mah, lain rek lakon kumawula


ka Al Masih, Gusti Jungjunan urang; tapi
maranehna mah, ngan rek ngaradon
ngabelaan beuteung wungkul. Lamun
kurang-kurang awasna, lamun urangna
bolostrong, weu, matak katipu enya-
enya; ma'lum maranehna teh palalinter
ngolo, maranis omonganana.
19 Simkuring pohara bungahna

ngadenge aranjeun tigin jeung satia tur


kagurnita ka mana mendi. Ku simkuring
didoakeun pisan sing parigel ngalakonan
anu hade, ulah mirucaan kagorengan.
20 Mugi-mugi Allah nu jadi sumberna

kabagjaan, sing enggal-enggal


ngancurkeun Iblis dina dampal suku
aranjeun. Mugi-mugi aranjeun pinarinan
berkahna Isa, Gusti Junjungan urang.
ROMA 16.21–26 71
21 Salam ti Timoteus, anu ngabantu
simkuring. Kitu deui ti Lusius, Yason,
jeung Sosipater, batur sabangsa
simkuring.
22 (Panyelang ti simkuring Tertius, anu

mangnyeratkeun ieu serat. Simkuring


oge, sami-sami saiman sareng aranjeun,
nyanggakeun salam baktos).
23 Salam ti Gayus, anu mere tempat

tumpangan ka simkuring jeung mere


tempat ka sajamaah. Salam ti Erastus
panitera kota; kitu deui ti Kwartus nu
saiman keneh jeung urang.
24 Mugi-mugi aranjeun ditangtayungan

ku sih kurniana Isa Al Masih, Gusti


Jungjunan urang. Amin.
25 Simkuring ngahaturkeun pirang-

pirang nuhun ka Mantenna, anu kawasa


nguatkeun ka aranjeun sabada meunang
wawaran ti simkuring, jeung ku hibaring
piwulang Isa Al Masih ku anjeun. Eta teh
cocog jeung eusi rasiah, anu kiwari mah
geus ditembrakkeun.
26 Eta rasiah anu geus mangabad-abad

diarep-arep teh, kiwari mah malah


geus kamashur. Eusina cocog jeung
anu diwartakeun dina kitab-kitab
paranabi kalawan parentah Allah Nu
ROMA 16.27 72
Maha Langgeng, diwawarkeun ka sagala
bangsa, supaya maranehna ngabakti ka
Mantenna lantaran geus palercaya tea.
27 Demi Isa Al Masih, anging ka

Mantenna anu jumeneng Allah, pulangna


sagala kamulyaan salalanggengna.
Amin. Wassalam, Paulus.
1 Korintus
1 Tisimkuring, Paulus, anu jadi rasul
1 Isa Al Masih ku kersaning Allah,
jeung ti Sostenes dulur urang.
2 Kahatur jamaah Allah di Korinta, —

nu kapilih jadi umat percaya, disucikeun


ku karana Isa Al Masih — katut sakabeh
umat di mana-mana anu sami muntang
ka jenengan Isa Al Masih, Gusti
Jungjunan urang; nya Gusti Jungjunan
maranehna ongkoh.
3 Mugi-mugi aranjeun dipaparin rahmat

jeung katengtreman ti Allah, Rama


urang, jeung ti Isa, Gusti Jungjunan
urang tea.
4 Simkuring teu kendat muji sukur ka

Allah, dumeh dina kamanunggalan jeung


Isa Al Masih teh, aranjeun geus nampa
sih kurnia-Na.
5 Nya ku lantaran ngesto ka Mantenna,

aranjeun dikersakeun sakitu jembarna:


Perceka ucap jeung rebo ku kanyaho
6 anu luyu jeung kanyataan piwuruk Al

Masih anu geus diyakinkeun ka aranjeun,


1 KORINTUS 1.7–13 2
7 nepi ka aranjeun pinuh ku sih kurnia
sajeroning nunggu-nunggu sumpingna
Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih.
8 Iman aranjeun dipengkuhkeun,

supaya engke ana Gusti Jungjunan


urang sumping, dulur-dulur teu aya
cawadeunana.
9 Eta teh nandakeun, yen Allah, — anu

geus ngersakeun aranjeun satunggal


jeung Putra-Na, nya eta Isa Al Masih,
Gusti Jungjunan urang — maha satia.
10 Saterusna, dulur-dulur, simkuring

aya pamenta! Demi pajenengan Gusti


Jungjunan urang, Isa Al Masih, muga
aranjeun tetep sauyunan, ulah pakia-kia.
Sing tetep satunggal dina pikir jeung
pangrasa.
11 Ieu pamenta lantaran simkuring

meunang beja ti kulawarga Kloe, magar


aranjeun keur pagetreng.
12 Ceuk nu saurang, kuring mah

golongan Paulus. Ceuk saurang deui,


kuring mah golongan Apolos; kuring mah
golongan Kepas; kuring mah golongan
Al Masih.
13 Na Al Masih teh bisa dibagi-bagi?

Na Paulus kitu anu nalangan aranjeun


1 KORINTUS 1.14–19 3
nepi ka digantung teh? Na demi ngaran
Paulus kitu aranjeun dibaptis teh?
14 Nganuhunkeun ka Pangeran,

simkuring teu kungsi ngabaptis


aranjeun, iwal ti Krispus jeung Gayus.
15 Asa pimanaeun aya nu rek ngaku-

ngaku dibaptis demi ngaran simkuring!


16 Aya deui anu dibaptis ku simkuring

teh, nya eta Stepanus sakulawarga.


Salian ti eta mah, sainget simkuring, teu
aya deui.
17 Simkuring diutus ku Al Masih teh,

lain pikeun ngabaptis, tapi pikeun


ngawawarkeun Injil. Sanajan kitu, lain
ku pipinteranan sorangan ngarang carita,
bisi matak cambal kana kakawasaan
Salib Al Masih.
18 Sabab piwuruk hal Salib teh,

ari pikeun jelema-jelema anu losna


kana picilakaeun mah, siga mahiwal.
Sabalikna, pikeun urang mah, — anu
geus disalametkeun — eta teh taya lian
ti kakawasaan Allah.
19 Sabab ceuk Kitab: ‘Anu luhung,

pangartina ku Kami baris dimusnakeun,


anu pinter, kapinteranana baris
dileungitkeun.’
1 KORINTUS 1.20–26 4
20 Cik mana ahli pikirna, ahli Kitabna,
jeung ahli sawalana ieu dunya teh? Lain
geus dinyatakeun ku Allah, yen elmu
kapinteran ieu dunya teh bodo?
21 Ku sabab dunya, katut elmu

kapinteranana, tetep teu bisa nyaho


ka Allah Nu maha Luhung; lajeng
Allah ku manten ngersakeun maparin
kasalametan ka umat-Na anu percaya,
ku jalan pangwawaran Injil anu dianggap
mahiwal tea.
22 Urang Yahudi marenta tanda; urang

Yunani nyalukcruk elmu;


23 ari ku simkuring disodoran wawaran

hal Al Masih disalib. Tangtu pikeun


urang Yahudi mah, eta teh jadi bahan
tatajongan; ari pikeun urang Yunani, eta
teh kabodoan.
24 Tapi pikeun anu geus percaya mah,

— boh urang Yahudi boh urang Yunani —


Al Masih teh, tegesing kakawasaan Allah
jeung kaluhungan Allah.
25 Sabodo-bodoning Pangeran, leuwih

luhung batan manusa; sahengker-


hengkerna Pangeran, leuwih bedas batan
manusa.
26 Inget dulur-dulur! Kumaha kaayaan

aranjeun waktu mimiti disaur. Geuning


1 KORINTUS 1.27–2.1 5
nu meunang panyaur teh, lain anu pinter
ceuk jelema, lain anu gede pangaruhna,
jeung lain menakna.
27 Sabalikna, anu ceuk dunya bodo, ku

Allah dianggo ngera-ngera nu palinter;


anu hengker dianggo ngera-ngera anu
baredas.
28 Anu ceuk dunya hina jeung laip, eta

anu ku Allah dipilih teh. Malah anu sama


sakali teu aya pangajina oge, ku Allah
mah dipilih pikeun ngalindih anu luhur
harkat.
29 Eta maksudna, sangkan ulah aya anu

adigung dipayuneun Allah.


30 Dulur-dulur oge, bisana manunggal

jeung Al Masih teh, lantaran kurnia


Mantenna. Al Masih, ku Allah didamel
hikmah pikeun urang. Nya ku Anjeunna,
urang diangken bener, disucikeun, sarta
ditebus.
31 Ieu sapagodos jeung nu diserat dina

Kitab: ‘Upama rek agul, kudu agul dina


kamanunggalan jeung Gusti.’
1 Simkuring, basa datang nerangkeun

2 maksad Allah ka dulur-dulur, henteu


nganggit-nganggit basa jeung teu make
nu luhur-luhur.
1 KORINTUS 2.2–8 6
2 Da maksudna oge, lain rek ngayakeun
panalungtikan, estu ngan seja
ngenalkeun Isa Al Masih anu pupus
digantung dina salib.
3 Sajeroning kitu, ayana di aranjeun

ge, simkuring teh nya hengker, nya asa


geumpeur, nya ngarasa sieun.
4 Basa jeung carana simkuring

ngawawarkeun ge, jauh ti matak


kapincut; tapi nya kitu, da simkuring
mah, ngan sumerah kana pituduh jeung
kakawasaan Ruh Allah bae.
5 Nu ku simkuring dipalar mah, nya

eta supaya dulur-dulur percaya teh ulah


ku karana kapinteran manusa, tapi ku
karana kakawasaan Allah.
6 Tapi ka kalangan luhur mah, nu ku

simkuring diwawarkeun teh, memang


elmu kapinteran. Ngan lain kapinteran
asal ti ieu dunya atawa ti para pamingpin
dunya, anu bakal dimusnakeun tea.
7 Tapi anu diwawarkeun ku simkuring

mah, elmu hikmah Allah anu gaib jeung


rasiah, anu ku Mantenna disayagikeun ti
samemeh alam dunya dijadikeun, nya
eta pikeun kamulyaan urang.
8 Para pamingpin mah, teu nyarahoeun

kana ieu hal teh. Mun enya nyarahoeun


1 KORINTUS 2.9–13 7
ge, tangtu moal nepi ka nyalibkeun
Rajaning kamulyaan!
9 Tapi ku Kitab oge geus diserat: ‘Anu

can kungsi katenjo ku panon, can kungsi


kadenge ku ceuli, can kagerentes ku ati,
kabeh ku Allah geus disayagikeun pikeun
jalma anu ajrih asih ka Mantenna.’
10 Eta rasiah Allah, ka urang mah, geus

ditembrakkeun ku Ruh Allah. Sabab


pikeun Ruh mah, teu aya hal anu buni;
sanajan ayana dina manah Allah.
11 Saha pijalmaeunana anu terang kana

eusi hate, iwal ti roh jelemana anu


ngancik dina dirina? Kana eusi manah
Allah oge, moal aya anu terang, iwal ti
Ruh Allah ku manten.
12 Ari Ruh anu katampa ku urang

teh, lain asal ti dunya ieu; tapi asal ti


Allah nyalira, nepi ka urang ngarasa
enya-enya kana sih kurnia-Na anu sakitu
murah asihna.
13 Perkara ieu, ku simkuring

dicaturkeunana lain ku akal pikiran


sorangan, tapi nurutkeun pituduh
Ruh Allah. Sabab anu dicaritakeun ku
simkuring teh, hal-hal rohani pikeun anu
geus mareunang Ruh.
1 KORINTUS 2.14–3.3 8
14 Jalma-jalma duniawi mah, teu milu
nampa hal-hal anu asalna ti Ruh Allah;
sabab najan narima ge, teu guna, sarta
moal kapaham lantaran teu asup kana
akalna. Sabab ari anu asal ti Ruh mah,
ditimbang-timbangna oge, kudu kalawan
pituduh Ruh.
15 Jalma anu hirup dina karohanian

mah, neuleuman saniskara; sabalikna,


dirina sorangan mah moal kateuleuman
ku batur.
16 Sabab: ‘Saha anu bisa neuleuman

manah Pangeran, nepi ka bisa mere


nasehat ka Mantenna?’ Tapi ari urang
mah, geus kaserepan panggalih Al
Masih.
1 Basa keur mimiti ka aranjeun,

3 simkuring teh can bisa cumarita


kawas ka jalma-jalma anu geus hirup
dina karohanian, tapi kawas ka jalma-
jalma umumna bae; da aranjeun, harita
mah, di Al Masih teh sasat orok keneh.
2 Ibarat kudu dibere cisusu keneh

lantaran can kuat. Najan kitu, ayeuna


ge, aranjeun teh tetela can kuatna.
3 Aranjeun teh masih keneh bae jadi

ahli duniawi. Sabab aranjeun teh,


masih katerap keneh ku pasirikan jeung
1 KORINTUS 3.4–10 9
pacekcokan. Lain masih keneh jadi ahli
duniawi ari nu kitu?
4 Make cekcok, aya nu ngaku golongan

Paulus, aya nu ngaku golongan Apolos.


Lain ahli duniawi ari kitu?
5 Naon pangkatna Paulus teh? Naon

pangkatna Apolos teh? Teu kurang


teu leuwih ti kawula-kawula Pangeran,
anu dipake lantaran sangkan aranjeun
percaya sarta masing-masing nurutkeun
kumaha dikersakeuna-Na:
6 Simkuring anu ngipuk, Apolos anu

nyeboran; ari anu maparin hirup huripna


mah, Gusti Allah.
7 Teu penting anu ngipuk jeung

nyeboran mah, anu penting teh Allah


anu ngajadikeunana.
8 Anu ngipuk jeung nu nyebor taya

bedana, masing-masing meunang


buruhan anu saimbang jeung
pagaweanana.
9 Simkuring jeung anjeunna teh, ku

Allah dicandak, nya eta pikeun barang


damel babarengan; ari aranjeun,
ibarat huma-Na atawa wawangunan
kagungana-Na.
10 Kalayan rahmat kurnia Allah,

simkuring, — ibarat tukang wawangunan


1 KORINTUS 3.11–17 10
anu ahli — geus masang hiji pademen
pikeun diadegan ku nu sejen. Anu
ngadegkeun di dinya, kudu nyaluyukeun
adeganana jeung eta.
11 Sababna, moal aya nu bisa masang

pademen sejen di dinya. Ari anu jadi


pademenna teh, nya eta Isa Al Masih ku
anjeun.
12 Anu ngadegkeun di dinya, naha

rek tina bahan emas, perak, batu-batu


permata, kai, eurih, atawa jarami,
13 kudu geus ngawangwang ti

memehna, yen pagaweanana sakali


mangsa baris diuji. Sabab baris aya
seuneu dina Poean Pangeran, anu nguji
pagawean saban jalma.
14 Lamun wawangunan beunangna tea

tahan uji, baris karasa ganjaranana.


15 Sabalikna, upama pagaweanana teu

tahan ku seuneu, tangtu mubadir tur


nandang rugi. Najan dirina salamet, tapi
tangtu ngaligincing, sasat geus milu
kahuru.
16 Na can aruninga, yen aranjeun teh

bait panglinggihan Allah; nya tempatna


Ruh Allah.
17 Sing saha anu ngaruksak

panglinggihan Allah, tangtu ku


1 KORINTUS 3.18–4.1 11
Allah diruksak; sabab panglinggihana-
Na teh, suci; aranjeun Bait Suci
panglinggihana-Na teh.
18 Poma ulah katipu ku diri. Ulah asa

aing pinter di dunya teh. Mending


ngarumasakeun bodo, supaya enya jadi
anu pinter.
19 Sabab kapinteran manusa, di

payuneun Allah mah, bodo balilu.


Ceuk Kitab: ‘Mantenna ngelehkeun
anu palinter ku kapinteran maranehna
keneh.’
20 Dina bagian sejen kaserat: ‘Pangeran

langkung uninga kana pangrekaning nu


baroga elmu, kabeh ge percumah.’
21 Ku sabab eta, ulah sok paunggul-

unggul pamingpin, da kabeh ge geus


jadi milik aranjeun:
22 Paulus, Apolos, Kepas, dunya ieu,

hirup jeung paeh, alam kiwari jeung


jaga, kabeh geus jadi milik aranjeun.
23 Tapi aranjeun ge milik-Na Al Masih,

ari Al Masih kagungan Allah.


1 Simkuring sabatur-batur mah,

4 anggap bae, kawula-kawula Al Masih


anu keur dipercaya ngemban rasiah
Allah.
1 KORINTUS 4.2–7 12
2 Arinu dipercaya teh, tangtu kudu
beunang dipercaya.
3 Simkuring onaman diputus ku sasaha

ge, boh ku aranjeun boh ku pihak


sejen, meh teu aya hartina. Simkuring
sorangan teu wenang nangtukeun,
4 da teu terang naon-naon, tur can

tangtu simkuring teh dibenerkeun.


Anging Pangeran nu wenang
mutuskeunana.
5 Ku sabab eta, urang ulah rusuh-rusuh

ngahukuman memeh Gusti Jungjunan


urang sumping. Engke, Anjeunna anu
bakal ngabuka hal-hal anu ayeuna masih
keneh samar, ku sabab poek tea; sarta
ngaboker sagala pangreka hate manusa.
Nya harita, satiap jalma bakal nampa
panghargaan anu satimpal ti Allah.
6 Anu ditataan tadi ngeunaan simkuring

jeung Apolos, pikeun conto ka aranjeun


sangkan: ‘Ulah liwat ti nu geus kaserat
dina Kitab.’ Sangkan ulah ngutamakeun
nu saurang, ngapeskeun anu sejenna.
7 Saha karah anu nganggap aranjeun

sakitu pentingna teh? Jeung naon


pangaboga aranjeun anu henteu
katarima teh? Sabalikna, upama
1 KORINTUS 4.8–12 13
katarima, naha make adigung kawas ka
beunang ihtiar sorangan bae?
8 Sihoreng, aranjeun teh geus sugih

mukti! Henteu jeung simkuring ge teu


burung jadi raja, nya? Leuh, untung
atuh mun enya mah jadi raja! Meureun
simkuring sabatur-batur oge bisa milu
jadi raja!
9 Ma'lum simkuring mah, ceuk pamikir:

Enya oge jadi rasul, ari tempat mah


ti Allah teh pangbocetna; kawas anu
geus dikeunaan hukum pati, tongtoneun
dunya, sarta lalajoaneun pada jelema
jeung malaikat.
10 Kumawula ka Al Masih teh, rasul-

rasul mah, anggur barodo; teu kawas


aranjeun, aya di Al Masih teh jadi
laluhung; rasul-rasul mah, jadi nu apes;
aranjeun mah, jaya; rasul-rasul mah,
laip; aranjeun mah, mulya harkat.
11 Nepi ka kiwari pisan, rasul-rasul

mah, nya lapar nya kalantar, rudin, pada


ngutiplak, jeung hirupna ge utrak-atrok.
12 Keur sahuap sakopeunana kudu

banting tulang heula. Ana aya nu


nyarekan, nu nyarekanana kudu
didoakeun; mun diteungteuinganan teu
meunang ngalawan.
1 KORINTUS 4.13–18 14
13 Ka anu ngagogoreng kudu angger
sareh bae. Ma'lum nepi ka kiwari ge,
rasul-rasul mah dijieun runtah anu
ngabalaan jagat.
14 Ieu dituliskeun ka aranjeun soteh,

simkuring mah lain rek nyindiran; tapi


rek mepelingan, tina geus asa ka anak
sorangan.
15 Sabab najan aranjeun boga guru

sarebu anu nungtun ngadidik iman ka Al


Masih, ari anu jadi bapa mah teu loba.
Simkuring teh, — dina kamanunggalan
jeung Al Masih — lir bapa aranjeun
lantaran Injil anu diwawarkeun ka
aranjeun.
16 Ku sabab eta, cik ieu bapa aranjeun

teh jadikeun tuladan.


17 Nya patali jeung ieu, nu matak

simkuring ngajurungkeun Timoteus;


Timoteus teh, — jalma anu sumujud ka
Gusti, kanyaah simkuring jeg ka anak —
ku simkuring dititah ngingetan aranjeun
ngeunaan jalan-jalaning iman ka Al
Masih; nya sakumaha anu ku simkuring
biasa diwurukkeun di mana-mana, di
saban jamaah.
18 Simkuring terang, yen di aranjeun,

aya sawatara jalma anu jadi garumede;


1 KORINTUS 4.19–5.3 15
panyangkana, simkuring moal wani ka
dinya-dinya deui.
19 Puguh simkuring arek buru-buru ka

dinya, manawi diparengkeun mah ku


Allah. Engke, moal teu kanyahoan, eta
kasombongan maranehna teh; naha aya
kakuatanana?
20 Sabab ngadegna Karajaan Allah

mah, lain ku gede omong, tapi ku


pangawasa-Na.
21 Kumaha ayeuna kahayang aranjeun?

Hayang dibawakeun pecut atawa


dibawakeun hate anu pinuh ku kanyaah?
1 Rame beja, yen di aranjeun, aya

5 lampah anu pohara aebna. Cacakan


di bangsa anu teu nyekel agama ge,
kalakuan nu sakitu aebna mah, can
kapanggih: Ngawin pamajikan bapa!
2 Ari heug aranjeun, ti batan ngaheruk

kalah ka dangah. Lain diceumpal


jelemana ti jamaah!
3 Sanajan raga badag simkuring teu

jonghok, ari lelembutan mah nyaksian


eta kajadian. Tur moal beda ti upama
jonghok, jelema anu nyieun kalakuan nu
sakitu aebna teh, ayeuna ku simkuring
ditibanan hukuman.
1 KORINTUS 5.4–10 16
4 Kalayan Asmana Gusti Jungjunan
urang, Isa Al Masih, aranjeun kudu
karumpul sarta dibarengan ku roh
simkuring. Kalayan ngemban kawasa
Isa, Gusti Jungjunan urang,
5 urang serenkeun eta jelema teh, ka

Iblis; keun sina ruksak jasmaniahna,


supaya rohna bisa salamet dina waktu
sumping-Na Gusti Jungjunan urang.
6 Goreng pisan aranjeun kalah ka

garumede kitu teh! Kapan aya paribasa:


‘Ragi sasiki saadonan haseum kabeh.’
7 Piceun ragi anu heubeul teh, supaya

aranjeun jadi adonan anyar. Ongkoh


aranjeun teh, lir adonan tanpa ragi. Tur
‘Domba Paska’ ge, nya eta Al Masih,
geus dikurbankeun pikeun aranjeun.
8 Jadi, hayu urang ngarayakeun Paska

tanpa ragi heubeul, nya eta sumber


kadorakaan jeung kagorengan tea. Tapi
ngarayakeunana teh, kudu ku roti anu
tanpa ragi; tegesna, jiwa anu beresih,
anu dieusi ku kayaktian.
9 Dina surat anu ti heula simkuring

geus ngingetan, sangkan aranjeun ulah


sagulung-sagalang jeung nu rarucah.
10 Eta lain hartina aranjeun ulah wawuh

jeung umumna jalma-jalma nu karitu,


1 KORINTUS 5.11–6.2 17
atawa jeung tukang-tukang tipu, atawa
jeung nu hararawek jeung sarakah,
atawa jeung anu nyarembah ka brahala.
Ari nepi ka kudu kitu mah, atuh urangna
ulah cicing di ieu dunya.
11 Nu dimaksud ku simkuring mah, ulah

dibawa sagulung-sagalang teh, nya eta


jelema-jelema anu ngaku saiman ari
hirupna rucah, nipu, nyembah brahala,
mitenah, mabok, jeung curang. Jeung
jelema nu karitu mah, sakalieun dahar
bareng ge ulah!
12 Keur naon simkuring make kudu

ngahukuman jelema-jelema anu di


luareun jamaah? Da aranjeun oge ngan
nguruskeun anggota jamaah bae, lain?
13 Ari ngahukuman anu di laluar mah,

ngan Allah anu wenang. Singkirkeun


anggota jamaah anu garoreng
kalakuanana teh!
1 Upama aya hiji dulur anu bentrok

6 jeung baturna, na wanieun menta


tulung ka anu teu baroga bebeneran,
supaya perkarana dibereskeun? Na lain
kudu menta tulung ka papada umat
Allah?
2 Naha aranjeun teu terang, yen umat

Allah teh baris ngahakiman dunya?


1 KORINTUS 6.3–9 18
Lamun aranjeun boga hak mutus perkara
sadunya, lain boga oge kakawasaan
mutus perkara leuleutikan?
3 Naha henteu terang, yen urang

baris ngahukuman para malaikat? Atuh


sumawonna kana perkara-perkara anu
sapopoe!
4 Ku sabab eta, naha urusan-urusan

kitu-kitu bae make dipasrahkeun ka nu


teu aya patalina jeung jamaah?
5 Ieu hal kapaksa diomongkeun, supaya

aranjeun era. Naha di antara aranjeun


teu aya anu sanggup mutus perkara
dulur pada dulur?
6 Na pantes dulur jeung dulur nyiar

kaadilan ka pihak anu teu boga iman?


7 Ku ayana peperkaraan papada dulur

bae ge, sidik yen aranjeun teh gagal.


Naon sababna, aranjeun euweuh nu
daek wayahna meunang kateuadilan?
8 Kalah ka teu adil jeung ngarugikeun

dulur sorangan!
9 Naha henteu terang, yen anu teu

adil teh, teu aya bagianana di Karajaan


Allah? Poma, ulah sasar! Nu ngaranyed,
nu nyembah brahala, nu jinah, nu
sapatemon jeung pada lalaki,
1 KORINTUS 6.10–15 19
10 nu maling, nu kumed, pamabokan,
nu mitenah, jeung tukang tipu, moal
meunang asup ka Karajaan Allah.
11 Kalakuan-kalakuan anu teu balener

saperti kitu teh, bareto, aya di aranjeun.


Sukur, ayeuna mah, aranjeun geus
beresih dikumbah, disucikeun, sarta
geus diangken bener ku karana jenengan
Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang,
jeung ku Ruh Allah Pangeran urang.
12 Naon oge, pikeun simkuring mah,

wenang; tapi tangtu, teu kabeh


mangpa'at. Papadaning sagala wenang
ge, simkuring mah embung nepi ka
nyandu.
13 Kadaharan teh pikeun beuteung;

beuteung pikeun kadaharan; tapi


duanana, ku Allah bakal dileungitkeun.
Ari badan teh lain pikeun dipake lacur,
tapi sanggakeuneun ka Gusti, sarta
Gusti pikeun badan.
14 Allah anu geus ngagugahkeun Gusti

Jungjunan urang tina pupus-Na, oge


baris ngahudangkeun badan urang ku
pangawasa-Na.
15 Na teu terang, yen badan aranjeun

teh anggahota salira Al Masih? Na


simkuring kudu nyokot eta anggahota
1 KORINTUS 6.16–7.2 20
salira Al Masih, sina jadi jelema
palacuran? Teu wararantun teuing!
16 Na teu terang, yen sapatemon

jeung awewe palacuran teh hartina


nunggalkeun badan jeung manehna?
Kapan ceuk Kitab oge: ‘Duanana bakal
jadi sadaging.’
17 Sabalikna, sing saha anu

nunggalkeun diri ka Al Masih, tangtu


sa-roh jeung Anjeunna.
18 Baidkeun lacur teh! Dosa-dosa

sejenna anu dipilampah ku manusa,


kabeh dosa ka nu sejen. Tapi ari lacur
mah dosa ka badan sorangan.
19 Naha teu terang, yen badan aranjeun

teh jadi panglinggihan Ruh Allah;


Ruh paparin ti Allah, anu ngancik
di diri aranjeun? Na teu rarumasa,
yen aranjeun teh lain milik aranjeun
sorangan?
20 Aranjeun teh geus meunang nebus,

geus dilunasan. Ku sabab eta badan teh


kudu dipake pikeun kamulyaan Allah.
1 Ayeuna ngeunaan sual anu dina

7 surat aranjeun. Memang alus lalaki


anu teu kawin teh.
2 Tapi ku sabab gede mamalana,

gampang ngaleok kana rucah ka


1 KORINTUS 7.3–8 21
awewe, leuwih hade kawin. Lalaki boga
pamajikan masing-masing; awewe boga
salaki masing-masing.
3 Salaki kudu nyumponan kawajiban ka

nu jadi pamajikan, pamajikan kitu keneh


ka nu jadi salaki.
4 Awewe taya hak kana dirina sabab

geus jadi hak salakina. Lalaki oge taya


hak kana dirina sabab geus jadi hak
pamajikanana.
5 Dina urusan mondok, ulah papencil-

pencil; kajaba sawaktu-waktu, lamun


arek tapakur; kitu ge, upama geus satuju
ti duanana. Geus anggeus tapakurna
mah, reujeung deui bae, supaya ulah
beunang kagoda ku Setan.
6 Simkuring lain ngudukeun, ngan kitu

pihadeeunana.
7 Memang alusna mah, kabeh sing

kawas simkuring, teu kawin. Tapi dalah


di kumaha, da jelema mah, pribadina
beda-beda ti Allah: Aya nu tahan; aya
nu henteu.
8 Anu teu kawin, — kitu deui randa-

randa — alusna mah, tetep lelengohan


cara simkuring.
1 KORINTUS 7.9–14 22
9 Tapi bisi teu kuat mah, leuwih hade
kawin. Sabab tinimbang marudah pikir
mah, mending keneh kawin.
10 Ka nu geus narikah, parentah ti Gusti,

— lain ti simkuring — kieu: Pamajikan


teu meunang ninggalkeun salaki;
11 dina geus ninggalkeunana; papacuan,

ulah rek boga deui; atawa alusna mah,


balik deui. Kitu deui salaki, henteu
meunang nyerahkeun pamajikan.
12 Ka nu lian-lianna, papatah simkuring,

— lain ti Gusti — kieu: Upama, aya


anggota jamaah, lalaki, anu geus boga
pamajikan; tapi pamajikanana teh,
can saiman; ari awewena daekeun
dibawa hirup babarengan mah, ulah
diserahkeun.
13 Kitu keneh jeung anggota jamaah

anu dikawin ku lalaki anu henteu saiman;


ari lalakina daekeun hirup babarengan
mah, ulah menta diserahkeun.
14 Sabab najan salakina teu saiman

oge, kabawa ku pamajikanana jadi umat


Allah. Kitu keneh sabalikna. Upama teu
kitu, anak-anakna baris jadi barudak
tuna agama; padahal, anak teh paparin
ti Allah.
1 KORINTUS 7.15–20 23
15 Tapi lamun pihak anu teu saiman tea
ngajak pepegatan, turutkeun bae. Dina
hal anu kitu, lalakina atawa awewena
anu ti pihak jamaah teu katalian
naon-naon. Ngan ari pangersa Allah
mah, hirup teh kudu rukun.
16 Naha enya geus katoong, yen

pamajikan anu geus iman teh moal


bisa nyalametkeun salakina? Kitu deui
salaki anu geus iman, naha enya
nangtukeun moal bisa nyalametkeun ka
pamajikanana?
17 Ku sabab eta, aranjeun kudu

tumarima kana kaayaan diri masing-


masing, — sakumaha dikersakeun ku
Pangeran tadina — nya eta waktu mimiti
disaur ku Mantenna. Hal ieu ku simkuring
dimistikeun ka sakabeh jamaah.
18 Jadi, upama waktu disaur, aranjeun

teh geus dina kaayaan disunat; aranjeun


henteu kudu kaduhung. Sabalikna, anu
keur disaurna dina kaayaan teu disunat,
entong hayang disunat.
19 Disunat jeung teu disunat teu

jadi sual. Sabab anu penting mah,


ngestokeun pangersa Allah.
20 Jadi, sing anteng dina kaayaan waktu

aranjeun disaur ku Allah.


1 KORINTUS 7.21–28 24
21 Naha keur waktu disaur teh, urang
keur jadi nu kumawula? Teu nanaon!
Kajaba lamun aya kasempetan pikeun
merdika, pek bae pake kasempetan teh.
22 Sabab anu disaur waktu eukeur

jadi nu kumawula, saenyana eta teh


dimerdikakeun ku Gusti Jungjungan
urang. Sabalikna, anu merdika keur
waktu disaur, eta saenyana sangkan
ngawula ka Al Masih.
23 Aranjeun teh, ku Gusti enggeus

dibeuli lunas. Jadi, ulah kakungkung


deui ku pada manusa.
24 Sing anteng di payuneun Allah, dina

kaayaan saperti keur waktu disaur.


25 Pikeun anu can narikah, simkuring

acan meunang katangtuanana ti Gusti.


Jadi, kalayan rahmat Allah, simkuring
seja nepikeun pamanggih pribadi.
26 Dina kaayaan darurat kawas kiwari,

lalagasan teh alus.


27 Kumaha ari geus boga pamajikan?

Ulah pepegatan! Kumaha ari anu


lelengohan keneh? Ulah neangan
pipamajikaneun!
28 Tapi najan rek kawin ge, teu

salah. Kitu deui parawan henteu salah


upama kawin. Ngan tangtu, ari anu
1 KORINTUS 7.29–34 25
rumah tangga mah repot, nya eta loba
uruseun. Ari simkuring mah, ngan
mangkarunyakeun bae
29 Kieu maksud simkuring: Jaman teh

geus cueut ka hareup. Ku sabab waktuna


geus samporet, anu baroga pamajikan,
ulah siga boga;
30 anu ceurik, ulah kaciri ceurik; anu

gumbira, ulah kaciri gumbira; anu


barang beuli, tong jiga tas barang beuli.
31 Cindekna, sakur anu aya urusanana

jeung kapentingan dunyawiah, sing


kawas anu teu aya patalina naon-naon;
lantaran dunya urang anu kiwari teh,
engke mah euweuh.
32 Tegesna, aranjeun teh ulah boga

kariridu. Kapan ari nu lagas mah, bisa


lugina ngesto ngabakti, malar kamanah
ku Gusti.
33 Ari nu geus rumah tangga mah,

tangtu teu ari; balas ngurus kapentingan


rumah tangga tea, malar kapake ku
pamajikan;
34 perhatianana kabagi-bagi. Awewe

anu teu kawin, kitu deui parawan,


bisa laluasa ngalampahkeun pagawean
pikeun Gusti; nya ngabaktikeun jiwa
ragana ka Anjeunna. Ari boga salaki
1 KORINTUS 7.35–39 26
mah, tangtu teu kaur; lantaran repot ku
urusan rumah tangga, malar kapake ku
salakina.
35 Hal eta ditetek soteh, keur paedah

aranjeun keneh; simkuring mah lain rek


ngahalang-halang. Malah simkuring mah
rek nuduhkeun kumaha kuduna jeung
hadena, malar aranjeun bisa anteng
museurkeun pikiran ka Gusti.
36 Tapi bisi aya jajaka anu ngarasa, —

yen ku jalan kitu — neungteuinganan


ka mojang kakasihna tur manehna ge
hayang buru-buru kawin deuih; nya
laksanakeun bae, ari kudu mah. Pruk
bae rek kawin mah, da lain dosa.
37 Sabalikna, lamun tekadna gilig tur

taya nu maksa, estu geus karepna


pribadi megatkeun mojang kakasihna
lantaran rek lalagasan, eta hade pisan.
38 Tegesna pisan mah, kieu: Mun tulus

kawinna ka eta mojang kakasihna, eta


hade. Tapi leuwih hade deui, lamun
kawinna teu tulus.
39 Sapanjang salaki hirup keneh,

pamajikan teh katalian ku salaki. Upama


salakina maot, manehna bisa bebas
kawin deui ka saha bae sukaeunana:
Asal ka anu saiman deui.
1 KORINTUS 7.40–8.6 27
40 Ngan manehna baris leuwih bagja,
upama tetep teu kawin deui. Kitu ceuk
pangrasa simkuring, anu ceuk rarasaan
mah, simkuring teh disarengan ku Ruh
Allah.
1 Ayeuna sual sasajen pikeun brahala.

8 Kana hal eta, urang geus taya nu


bireuk deui. Ceuk aranjeun tea mah:
‘Urang mah, sarerea ge, geus nyaho.’
Tapi eta kanyaho aranjeun teh nungtun
kana takabur. Teu cara kanyaahan tea,
anu matak mangpa'at.
2 Jalma anu boga rasa nyaho kana

sagala teh, saenyana mah, nyahona teh


can sampurna.
3 Sabalikna, jalma anu nyaah ka Allah

mah, tangtu ku Mantenna diangken.


4 Sual ngadahar sasajen pikeun brahala,

urang terang, yen: ‘Brahala teh, di


dunya, sama sakali lain naon-naon.’
Jeung: ‘Teu aya deui Allah sejen, salian
ti Anu Mahatunggal tea.’
5 Sanajan aya deui oge, anu ngaranna

‘allah,’ boh di langit, boh di bumi; — da


loba pisan allah anu disembah jeung
dipigusti teh —
6 ari pikeun urang mah, Allah teh

ngan Anu Mahatunggal tea, nya eta


1 KORINTUS 8.7–10 28
anu jumeneng Rama; — anu jadi asal
saniskara, tempat sumerahna hirup
urang — nu jadi Gusti Jungjunan oge,
ngan hiji, nya eta Isa Al Masih, nu
jadi marganing jadina saniskara jeung
marganing urang hirup.
7 Tapi teu kabeh jalma nu boga eta

kanyaho teh. Da nepi ka ayeuna atuh,


aya keneh anu yakin, yen bangsa dewa
teh aya. Ana milu dahar sasajen, budi
rasana nyebutkeun yen eta sasajen teh,
memang enya pikeun dewa. Ku lantaran
budi rasana lemah kitu, atuh jadi keuna
ku kokotor.
8 Padahal, kadaharan mah, teu matak

jadi leuwih ngaraketkeun ka Allah: Teu


didahar moal matak rugi; didahar moal
matak untung.
9 Ngan omat, najan aranjeun nyaho, —

yen ngadahar ge taya matakna — tapi


kahade, ulah matak jaheut hate batur
anu lemah imanna.
10 Sabab lamun aranjeun anu geus

‘nyaho’ kana hal eta, katenjo milu dahar


dina upacara di tempat pamujaan;
tangtu pikeun anu imanna lemah mah,
asa dihatean kana milu ngadahar
sasajen pikeun dewa tea.
1 KORINTUS 8.11–9.4 29
11 Dina kituna, eta ‘kanyaho’ aranjeun
teh, sasat nyilakakeun dulur sorangan
anu hengker imanna: Nya dulur maneh
tea, anu keur manehna oge Al Masih
geus pupus teh.
12 Ku kituna, kalakuan aranjeun

ngaraheutan hate batur nepi ka batur


jadi dosa teh, sarua jeung nyieun dosa
ka Al Masih.
13 Nu matak simkuring mah, mun nyaho

aya kadaharan atawa daging anu matak


ngaraheutan hate, — atawa matak
nyieun dosa ka batur — saumur hirup
moal ngadahar nu kitu.
1 Na teu bebas kitu ari simkuring?

9 Na lain rasul? Na can kungsi jonghok


jeung Isa, Gusti Jungjunan urang? Na
aranjeun anut ka Gusti Jungjunan urang
teh lain ku simkuring?
2 Kajeun ceuk nu lian simkuring teh,

lain rasul; ari pikeun aranjeun mah, enya


rasul. Cirina, kapan bukti aranjeun geus
aranut ka Gusti Jungjunan urang.
3 Ka jelema-jelema anu sok maido, ieu

jawaban simkuring:
4 Na simkuring teh kudu ulah dahar

ulah nginum?
1 KORINTUS 9.5–11 30
5 Na teu meunang simkuring luluntaan
dibaturan ku wanita saiman nu geus
rimbitan, kawas rasul-rasul sejen jeung
dulur-dulur saiman sejenna, kitu deui
Kepas?
6 Na ngan simkuring jeung Barnabas

bae anu kudu hese cape heula nyiar


kipayah?
7 Ari nu jadi tentara, na kudu neangan

sorangan keur gajihna? Ari anu melak


anggur, na teu meunang ngasaan
buahna? Atawa nu ngingu sapi, na teu
ngicip-ngicip cisusuna?
8 Ieu catur lain samata-mata pikiran

simkuring, cek Toret oge kitu.


9 Ceuk hukum Musa: ‘Sapi keur dipake

ngirik ulah diborongsongan.’ Cik eta, —


nu disebut sapi di dinya — nu dimaksud
teh, memang sapi;
10 atawa jelema? Tangtu, nu dimaksud

teh jelema anu digawe. Anu ngawuluku


atawa anu ngirik, tangtu boga
maksud sangkan bisa ngasaan hasil
pagaweanana.
11 Simkuring jeung Barnabas geus

melakkeun bibit rohani di aranjeun.


Upama simkuring meunang buruhan
1 KORINTUS 9.12–16 31
sakumaha ilaharna, na eta teh luar
biasa?
12 Mun nu sejen aya hak menta ka

aranjeun, hak simkuring mah komo


leuwih ti batur. Papadaning kitu, eta hak
teh, ku simkuring teu dipake. Ti batan
kitu mah, kajeun teuing sangsara bae;
da bisi, matak ngahalang-halang kana
pangwawaran Injil.
13 Na aranjeun teu terang yen anu

digarawe di Bait Suci, hirupna teh


dicukupan ti dinya? Kitu deui purah
ngatur kurban dina mezbah, keur
dahareunana lain sok meunang ti dinya?
14 Pikeun anu ngawawarkeun Injil

oge kitu, geus ditetepkeun ku


Pangeran, hirupna kudu dibayuan tina
pagaweanana ngawawarkeun Injil.
15 Najan kitu, eta hak-hak simkuring

teh, hiji ge acan aya nu digunakeun.


Ieu lain maksud nagih. Ti batan kitu,
simkuring mah mending paeh bae.
Sakieu ge, simkuring mah sugema tur
ieu kasugemaan teh moal kapupus ku
saha bae ge.
16 Ngawawarkeun Injil teh pikeun

simkuring mah, lain keur agulkeuneun,


tapi geus kawajiban. Tada teuing
1 KORINTUS 9.17–21 32
asa cilakana, lamun Injil nepi ka teu
diwawarkeun ku simkuring!
17 Upama ngawawarkeun teh karana

niat sorangan, eta hiji pahla keur


simkuring. Sabalikna, upama lain ku
karana niat sorangan, tandaning eta
kawajiban teh ku Allah dipercayakeun ka
simkuring.
18 Naon ganjaranana? Ieu: Kasugemaan

lantaran bisa ngawawarkeun bari teu


mandang buruhan; jadi juru Injil bari teu
kudu nagih hak anu geus sapantesna.
19 Simkuring teh lain badega saha-saha,

tapi geus gilig seja kumawula ka saban


jalma, hayang bisa narik jalma masing
loba ka Al Masih.
20 Ka urang Yahudi, simkuring rek jadi

urang Yahudi, malar bisa nganutkeun


urang Yahudi. Ka jalma-jalma anu ka
bawah ku Toret, simkuring rek jadi
anu kabawah ku Toret, malar bisa
nganutkeun jalma anu kabawah ku eta;
sanajan simkuring mah henteu kabawah
ku Toret.
21 Ka bangsa anu teu kabawah ku Toret,

simkuring rek jadi bangsa eta; sanajan


simkuring teh aya di bawah hukum Al
Masih, di bawah hukum Allah; sangkan
1 KORINTUS 9.22–26 33
simkuring bisa nganutkeun bangsa anu
teu kabawah ku hukum Toret.
22 Ka kaom lemah, simkuring rek jadi

kaom lemah, malar bisa nganutkeun


kaom lemah. Cindekna, simkuring arek
kabala-kabale, malar bisa nganutkeun
maranehna sawareh-wareheun.
23 Eta kabeh, ku simkuring

dilampahkeun demi Injil, supaya


simkuring oge bisa milu ngala buah-
buahna.
24 Na aranjeun teu terang, yen

sakumaha lobana ge anu milu balap;


ari anu meunang hadiah unggul mah,
ngan saurang? Ku sabab eta, simkuring
arek lumpat masing tarik, ngetrukkeun
tanaga, malar bisa ngahontal hadiah
kaunggulan.
25 Tiap-tiap anu milu balap, kudu rikat

tur caringcing, malar bisa ngarebut


tanda kaunggulan: Najan eta teh ukur
barang nu keuna ku ruksak. Tapi anu
keur diberik ku simkuring mah, makuta
anu abadi.
26 Simkuring ibarat keur tandingan:

Mun balap lumpat, moal dapon lumpat;


mun ngadu peureup, moal nepi ka
nonjok angin.
1 KORINTUS 9.27– 10.7 34
27 Simkuring geus ngalatih diri enya-
enya, nepi ka paham, malar ulah gagal.
Bisi, hanas ka batur nguarkeun Injil, ari
sorangan teu ditarima.
1 Dulur-dulur! Pek ngeunteung

10 kana lalakon karuhun. Karuhun


diauban mega, meuntas nyorang dasar
Laut Beureum.
2 Ku Musa sasat dibaptis ku mega jeung

cilaut, terus diasuh.


3 Dalaharna kadaharan nu ajaib.
4 Ngarinumna cai ajaib, anu bijil

tina batu karang ajaib anu nuturkeun


perjalanan maranehna. Batu Karang nu
ajaib eta teh, Al Masih.
5 Tapi sakitu diraksa diriksa teh,

karuhun mah anggur nyieun pijaheuteun


manah Allah, nepi ka loba anu nemahan
pati di alas kikisik.
6 Ieu kudu jadi conto pikeun urang,

malar ulah doraka kawas karuhun.


7 Urang mah, ulah nyembah ka brahala

kawas karuhun; ngeunaan karuhun teh,


ceuk Kitab Suci mah: ‘Gek, eta bangsa
dariuk, ngariung balakecrakan; seug
carengkat, marotah igel-igelan.’
1 KORINTUS 10.8–15 35
8 Urang mah, ulah jinah kawas
maranehna; temahna, nepi ka dua puluh
tilu rebu urang tariwas dina sapoe.
9 Urang mah, ulah ngadoja ka Pangeran

kawas maranehna; balukarna, nepi ka


maranehna paraeh dipacok oray.
10 Urang ulah kukulutus ka Pangeran,

kawas sabagian maranehna; temahna,


nepi ka maranehna dibasmi ku
Malakalmaot.
11 Eta kabeh keur pieunteungeun,

dituliskeunana pikeun mepelingan urang


anu ayeuna geus nincak jaman ahir.
12 Ku sabab eta, ati-ati, ulah rasa

maneh kuat bisi tigubrag.


13 Cocoba ka aranjeun sakitu mah,

jamak; da teu leuwih ti batur. Tur ku


sabab Allah teh adil palamarta, moal
ngantep aranjeun meunang cocoba liwat
ti misti. Jeung ana urang meunang
cocoba, salawasna Mantenna maparin
pikeun jalan kaluarna, supaya urang
kuat nandanganana.
14 Omat dulur-dulur, ulah rek

nyarembah ka brahala!
15 Pek, lalenyepan ieu omongan

simkuring, da aranjeun teh jalma anu


ngalarti.
1 KORINTUS 10.16– 21 36
16 Kapan lumur berkah anu ku urang
ditarima ku muji sukur teh, na lain geus
ngalantarankeun urang tunggal sagetih
jeung getih Al Masih? Na urang teh lain
geus jadi sadaging jeung salira Al Masih,
waktu urang ngabagi-bagi roti?
17 Ku sabab roti anu dibagi-bagi teh,

ngan hiji; urang oge anu sakieu lobana


teh, kabeh geus jadi tunggal sabadan.
18 Pek, tengetan peta ibadahna urang

Yahudi. Anu ngadahar kurban anu


disanggakeun ka Allah teh, naha lain
nunggalkeun diri ka Mantenna?
19 Tapi naon maksudna, ieu omongan

simkuring teh? Naha simkuring teh


rek nerangkeun, yen dewa-dewa katut
sasajenna aya hartina?
20 Lain! Maksud simkuring mah rek

nuduhkeun, yen kurban urang kapir mah


maksudna pikeun roh-roh jahat, lain
kanggo Allah. Jadi, poma, aranjeun mah
ulah nunggalkeun diri ka roh-roh jahat.
21 Da aranjeun teh moal bisa nginum

tina lumur Gusti Jungjunan urang


ongkoh, tina lumur roh-roh jahat
ongkoh. Moal bisa aranjeun ngariung
pangjamu ti Gusti Jungjunan urang
ongkoh, ti roh-roh jahat ongkoh.
1 KORINTUS 10.22– 29 37
22 Kajaba ari aranjeun rek mapanas ka
Gusti mah! Naha kitu urang teh leuwih
kuat ti batan Anjeunna?
23 Ceuk aranjeun: ‘Kabeh ge wenang.’

Bener! Tapi henteu kabeh aya gunana.


Najan kabeh wenang, tapi henteu kabeh
aya tulungna.
24 Ku sabab eta, poma, ulah hayang

untung keur sorangan bae; tapi aranjeun


teh, kudu inget oge ka batur.
25 Sagala rupa daging anu dijual di

pasar halal didahar, teu kudu risi sieun


teu akur jeung anu jadi kayakinan.
26 Sabab: ‘Bumi katut saeusina teh,

kagungan Allah.’
27 Mun aranjeun datang nyumponan

ondangan ti jelema anu muja ka brahala,


naon bae susuguhna, dahar: Ulah
kahalangan ku panyaram sanubari.
28 Tapi lamun ceuk pribumi: ‘Nu ieu

mah kanggo ka pamujaan,’ kahade


ulah wani-wani ngadahar. Urang kudu
ngahargaan jeung demi kayakinan.
29 Lain kayakinan aranjeun, tapi

kayakinan batur. Bisa jadi pamikir


aranjeun teh: ‘Naha kayakinan sorangan
make kudu kahalangan ku kayakinan
batur?
1 KORINTUS 10.30–11.3 38
30 Naon salahna lamun didahar, da geus
ditarimakeun ku muji sukur ka Allah?’
31 Kieu pijawabeun simkuring: Dina

sagala hal, dahar, nginum, atawa naon


bae, ulah tinggal ti tujuan pikeun
kamulyaan Allah.
32 Omat, ulah nyieun picurigaeun jeung

pinyerieun hate batur, boh ka urang


Yahudi, boh ka urang Yunani; kitu deui,
ka anggota jamaah Allah.
33 Da simkuring mah, dina sagala hal

oge, hayang nyenangkeun hate batur


jeung teu hayang ngeunah sorangan.
Ka sarerea ge hayang mentingkeun.
Malakmandar, ku jalan kitu teh,
maranehna bisa kasalametkeun.
1 Pek tulad simkuring teh, saperti

11 simkuring nulad ka Al Masih.


2 Nuhun pisan, aranjeun aringet ka

simkuring tur tigin kana aturan-aturan ti


simkuring.
3 Ngan pamenta simkuring mah,

aranjeun mangka terang: Al Masih teh


jadi sirah pikeun lalaki, ari lalaki jadi
sirah pikeun awewe, sarta Allah jadi
mastaka Al Masih.
1 KORINTUS 11.4–11 39
4 Ari ngadoa atawa medar dawuhan
Allah, lalaki mah ulah make tiung; sabab
eta teh, ngahina ka nu jadi sirah.
5 Sabalikna, awewe, ari ngadoa atawa

medar dawuhan Allah kudu make tiung.


Lamun henteu, eta awewe teh, sarua
jeung ngahina ka nu jadi sirah sabab
sarua jeung awewe gundul.
6 Ti batan awewe teu ditiung mah,

mending gunting bae buukna. Jadi,


awewe mah, kudu ditiung; da buuk
tukung atawa gundul teh, di awewe
mah, hina.
7 Lalaki teh gambaran Allah,

nyumiratkeun kamulyaan Allah;


jadi, lalaki mah, ulah ditiung. Ari awewe
gambaran anu nyumiratkeun kamulyaan
lalaki.
8 Sabab lain lalaki, anu asal ti awewe;

tapi awewe, anu asal ti lalaki.


9 Lalaki ge, diciptakeun teh lain pikeun

awewe; sabalikna, awewe diciptakeun


pikeun lalaki.
10 Ku sabab eta, — ku karana malaikat-

malaikat — awewe teh, sirahna kudu


ditiung pikeun ciri kawanitaanana.
11 Tapi papadaning kitu, — dina

kamanunggalan jeung Gusti mah —


1 KORINTUS 11.12– 18 40
awewe gumantung ka lalaki sarta lalaki
gumantung ka awewe;
12 da puguh, awewe teh asal ti lalaki;

lalaki ge kitu, dijurukeun ku awewe; tapi


sagala rupa oge, ari asalna mah ti Allah.
13 Rarasakeun bae ku aranjeun, naha

pantes awewe ngadoa ka Allah teu make


tiung?
14 Kudrat alam oge nembongkeun, yen

buuk panjang teh, di lalaki mah hina.


15 Sabalikna, pikeun awewe mah, buuk

panjang teh tanda kamulyaan. Eta


sababna, awewe mah, ku alam dibere
anugrah buuk panjang; nya pikeun tiung
sirahna tea.
16 Kanu rek ngabantah kana ieu adat,

simkuring netelakeun: Bangsa urang


mah, kitu deui jamaah Allah, teu boga
adat sejen salian ti eta.
17 Dina sual sejenna, nya eta caraning

aranjeun sidekah jamaah, kacida


cawadeunana. Lantaran dina prakna, rea
keneh gorengna batan hadena.
18 Simkuring meunang beja: Majar

aranjeun, ari sidekah jamaah teh, sok


aing-aingan sagolongan-sagolongan.
Simkuring rada percaya kana eta beja
teh;
1 KORINTUS 11.19– 24 41
19 da aranjeun mah, memang sok
pasalingsingan paham tur simkuring ge
nyaho, mana-manana anu bener.
20 Anu kuduna rempug ngariung hajat ti

Gusti Jungjunan urang teh, dina prakna


mah, lain-lainna deui.
21 Aranjeun pada paheula-heula murak

sisihan bawana sorangan. Tungtungna,


anu lapar angger lapar; nu seubeuh,
nepi ka weureu kaseubeuhan.
22 Na aranjeun teu bisa dahar di imah

heula? Atawa arek ngahina ka jamaah


Allah? Atawa ngahaja arek ngabibita
batur anu taya kaboga? Cik, lebah mana
pujieunana? Sama sakali lain pujieun!
23 Da hajat anu asalna ti Gusti

Jungjunan urang mah, kapan


diajarkeunana ge ku simkuring
teh, kieu: Dina peutingan Anjeunna
ditangkep, Isa, Gusti Jungjunan urang,
nyandak roti.
24 Tuluy muji sukur sarta rotina

disemplekan. Ti dinya Anjeunna


sasauran: ‘Ieu tampanan, dalahar. Ieu
teh badan Kami anu dikurbankeun pikeun
kasalametan maraneh. Lampahkeun ieu
hal, pikeun panginget-nginget ka Kami.’
1 KORINTUS 11.25– 29 42
25 Rengse eta, Anjeunna nyandak
lumur, bari saur-Na: ‘Ieu lumur tanda
perjangjian anyar anu disahkeun ku
getih Kami. Lampahkeun saterusna.
Satiap-tiap maraneh nginum kieu, kudu
inget ka Kami.’
26 Jadi, satiap-tiap aranjeun ngadahar

roti, saperti kitu; jeung nginum tina


eta lumur, saperti kitu; aranjeun teh,
nganyatakeun pupusna Gusti Jungjunan
urang, nepi ka mangsa sumping-Na
deui.
27 Ku lantaran eta, saha-saha anu

ngadahar roti, saperti kitu; jeung


nginum tina eta lumur, saperti kitu;
tapi anu ngalampahkeunana tanpa tata
kasopanan, eta teh doraka, ngotoran
salira jeung getih Gusti Jungjunan urang.
28 Ku sabab eta, samemeh prak

ngariung dahar jeung nginum tina


lumur-Na, kudu nguji heula diri.
29 Sabab milu kana riungan tanpa

pangakuan yen anu disuguhkeun teh


salira Gusti Jungjunan urang, sasat
geus ngaragragkeun hukuman ka dirina
sorangan.
1 KORINTUS 11.30–12.3 43
30 Eta sababna, di aranjeun, loba anu
kurang sehat, garering, jeung loba anu
maraot oge.
31 Da upama masing-masing nguji

heula diri mah, piraku nepi ka meunang


hukuman.
32 Tapi Pangeran mah, papadaning

ngahukum oge, ngadidik; sangkan


engke, urang ulah kabaud kana
hukuman anu baris tumiba ka ieu dunya.
33 Ku sabab eta, dulur-dulur! Memeh

prak ngariung hajat anu ti Gusti teh,


kudu silih tungguan.
34 Bisi sieun lapar mah, dahar bae

heula ti imah; sangkan aranjeun milu


kana riungan teh, ulah matak kahukum
temahna. Sual-sual sejen mah, urang
omongkeun engke bae, ari simkuring
datang.
1 Ngeunaan anugrah-anugrah

12 anu rohani, dulur-dulur, aranjeun


kudu uninga kanyataanana.
2 Tangtu aranjeun aringet keneh, basa

acan terang ka Allah; aranjeun teu


ngarasa, yen aranjeun teh sumembah
ka brahala anu ngabigeu.
3 Ku sabab eta, aranjeun ku simkuring

rek diyakinkeun; ari jalma anu dituyun ku


1 KORINTUS 12.4–10 44
Ruh Allah mah, pamohalan nyebutkeun:
‘Al Masih jelema dila'nat.’ Sabalikna,
jelema anu henteu dituyun ku Ruh Allah,
pamohalan nyebut ‘Gusti Jungjunan’ ka
Isa.
4 Anugrah-anugrah rohani teh rupa-

rupa, tapi Ruh anu maparinkeunana mah


hiji.
5 Rupa-rupa caraning ngabakti, tapi

Panutan anu dibaktian mah hiji.


6 Aya rupa-rupa dadamelan nu araheng,

tapi kabeh, nu kumaha bae oge, anu


ngadamelna mah Allah anu tunggal.
7 Tiap jalma anu meunang anugrah

rohani, kudu ngagunakeun eta anugrah


keur kapentingan umat.
8 Sabab aya anu ku Ruh dipaparin

anugrah catur wijaksana; aya anu ku


Ruh dipaparin anugrah catur elmu.
9 Ku Ruh eta keneh, aya anu dipaparin

anugrah iman; aya anu dipaparin


anugrah bisa nyageurkeun;
10 aya anu dipaparin anugrah bisa

nyieun hal-hal anu luar biasa; aya


anu dipaparin anugrah bisa nepikeun
nubuwat; aya anu dipaparin anugrah
bisa ngabedakeun rupa-rupa roh; aya
anu dipaparin anugrah bisa rupa-rupa
1 KORINTUS 12.11– 16 45
basa ajaib; aya anu dipaparin anugrah
bisa napsirkeun basa-basa ajaib.
11 Eta anugrah-anugrah, kabeh oge,

paparin jeung padamelan Ruh eta keneh,


nya eta anu maparinna ka tiap-tiap jalma
masing-masing beda-beda, nurutkeun
kumaha kersa-Na.
12 Sakumaha halna badan, anu

diwangun ku rupa-rupa babagian sarta


babagian-babagian anu sakitu lobana
teh, kabeh, ngawujud hiji badan sakujur;
kaayaan urang jeung Al Masih oge,
kawas kitu.
13 Ku kituna, urang teh, — boh urang

Yahudi, boh urang Yunani, boh jalma


kumawula, boh jalma merdika — kabeh
geus jadi sabadan. Lantaran geus
dibaptis jeung diinuman ku Ruh nu hiji
tea.
14 Sabab badan teh, diwangunna, lain

ngan ku sahiji anggahota wungkul, tapi


ku rupa-rupa anggahota.
15 Upama ceuk suku: ‘Kuring mah, lain

babagian badan; da lain leungeun,’ na


enya kitu, suku teu kaasup badan?
16 Atawa upama ceuk ceuli: ‘Kuring

mah, lain babagian badan; da lain mata,’


na enya kitu, ceuli teu kaasup badan?
1 KORINTUS 12.17– 24 46
17 Cik, upama awak sakujur teh,
ngan panon bae hiji; naon ari parabot
ngadenge? Atawa upama nu jadi awak
sakujur teh, ceuli bae hiji; na naon ari
parabot ngambeu?
18 Kapan anggahota anu rupa-rupa

teh, masing-masing ku Allah geus


dipernahkeun dina badan, dina tempat
anu samistina, sarta luyu jeung
pangersa-Na.
19 Upama kabeh, ngan jadi anggahota

sahiji; na mana ari awakna?


20 Memang anggahotana mah, loba;

tapi badan mah, ngan hiji.


21 Ku sabab eta, panon moal bisa

ngomong ka ceuli: ‘Urang mah teu butuh


maneh!’ Sirah moal bisa ngomong ka
suku: ‘Urang mah teu butuh maneh!’
22 Malah babagian awak, anu sigana

teu sapira teh, sok leuwih-leuwih


dipikabutuhna.
23 Kitu deui babagian badan anu sigana

teu pati kudu dipalire, tampolana, kudu


leuwih dipalire. Sarta babagian anu
goreng bangunna, kudu enya-enya
diriksana.
24 Ari babagian anu geus alus bangunna

mah, teu mikabutuh perhatian urang.


1 KORINTUS 12.25– 30 47
Badan urang teh, geus kitu dipidamelna
ku Allah; babagian anu sigana teu
penting, ku Mantenna dipaparin tugas
anu penting;
25 nya supaya di jero badan ulah

aing-aingan, tapi silih pentingkeun.


26 Upama anggahota anu hiji nyeri, nu

sejen-sejenna oge ngarasa nyeri; upama


nu hiji didama-dama, anu sejen-sejenna
oge, milu kadama-dama.
27 Aranjeun teh, kabeh, Salira Al Masih;

masing-masingna jadi anggahota-Na.


28 Di jero Jamaah, Allah teh netepkeun

sawatara jalma: Kahiji, rasul-rasul;


kadua, nabi-nabi; katilu, guru-guru.
Saterusna, aya oge anu dipaparin
anugrah-anugrah: aya nu bisa
ngayakeun mujijat-mujijat; aya anu
bisa nyageurkeun; aya anu bisa kana
babantu; aya anu bisa ngatur kahirupan
Jamaah; aya anu bisa basa ajaib.
29 Na kudu sarerea kitu jadi rasul,

jadi nabi, atawa jadi guru? Na kudu


sarerea kitu dikersakeun bisa ngayakeun
mujijat?
30 Na kudu sarerea kitu dipaparin bisa

nyageurkeun? Na sarerea kitu kudu bisa


1 KORINTUS 12.31–13.6 48
basa ajaib atawa bisa napsirkeun basa
ajaib?
31 Anu kudu diihtiaran teh, sangkan

aranjeun meunangkeun anugrah rohani


anu pangutamana. Simkuring arek
nuduhkeun jalanna, anu leuwih hade.
1 Upamana, najan simkuring bisa

13 sagala basa manusa atawa basa


malaikat, ari teu boga kanyaah mah,
simkuring teu beda ti sora goong.
2 Najan bisa awas ka nu tacan katingal,

telik ka nu gaib-gaib, pinuh ku elmu


panemu, boga iman nu sampurna nepi
ka bisa mindahkeun gunung, ari teu
boga kanyaah mah, taya hartina.
3 Najan simkuring nyidekahkeun

saayana pangaboga, — malah najan nepi


ka diduruk ngorbankeun maneh — ari
henteu boga kanyaah mah, cumah.
4 Perbawana kanyaah teh: Sabar, teu

tegaan, teu sirikan, teu takabur, teu


gumede;
5 tara nyieun teu sopan, tara hayang

ngeunah sorangan, tara panasan, tara


nginget-nginget kagorengan batur;
6 Cua kana kateuadilan, resep kana

perkara nu bener,
1 KORINTUS 13.7–13 49
7 sadrah narimakeun sagala perkara,
sarta dibarung ku iman, pangharepan,
jeung kasabaran.
8 Nubuwat-nubuwat aya beakna; basa

ajaib aya waktuna teu dipikabutuh


deui; elmu pangaweruh aya buntuna.
Tapi kanyaah mah, hamo aya
panganggeusanana.
9 Ari sababna, elmu panemu urang

teh, henteu sampurna; kitu keneh


nubuwat-nubuwat.
10 Ana anu sampurna geus datang, anu

teu sampurna tangtu leungit. —


11 Keur simkuring budak keneh,

ngomong jeung mikir ge, kumaha budak


tea bae. Tapi sanggeus simkuring kolot,
sipat-sipat budak teh leungit. —
12 Anu katenjo ku urang ayeuna, nya

eta ukur kalangkangna anu samar, di


jero eunteung. Engke mah, baris breh
wujudna pisan. Hal-hal anu simkuring
nyaho, ayeuna mah kakara saeutik,
kakara taram-taram. Engke mah, baris
nyaho enya-enya, sakumaha Allah maha
uninga ka diri simkuring.
13 Ku kituna, dina hirup urang, sipat-

sipat hade teh ngan kari tilu rupa, nya


1 KORINTUS 14.1 –5 50
eta Iman, Pangharepan, jeung Kanyaah.
Ari anu pangutamana mah, Kanyaah.
1 Ku sabab eta, Kanyaah teh

14 kudu jadi udagan utama. Tapi


anugrah-anugrah rohani ge, udag;
pangpangna mah, sih kurnia pikeun
nepikeun nubuwat.
2 Sing saha anu ngomong ku basa ajaib,

ngomongna teh ka Allah, lain ka jelema;


da jelema mah, moal aya nu ngartieun.
Anu diomongkeunana ge, hal-hal anu
masih keneh rasiah, meunang kereteg ti
Ruh.
3 Beda jeung anu nepikeun nubuwatan,

ieu mah ditujukeun ka jelema, guna


ngawangun iman, negerkeun hate, jeung
mere panglipur.
4 Anu ngomong ku basa ajaib,

mangpa'atna ngan karasa ku sorangan.


Ari nu nepikeun nubuwatan mah, guna
ngawangun hirupna Jamaah.
5 Simkuring atoh, upama aranjeun bisa

basa ajaib; tapi leuwih atoh deui, upama


aranjeun bisa nepikeun nubuwatan.
Ieu leuwih penting ti batan ngomong
ku basa ajaib; kajaba, upama aya anu
napsirkeunana, sangkan karasa gunana
ku Jamaah.
1 KORINTUS 14.6–12 51
6 Cik, lamun simkuring ngomong ku
basa ajaib, — tegesna lain nerangkeun
wahyu ti Allah, lain medar anu perlu
dipikanyaho, sarta lain ngawuruk — na
aya paedahna ka aranjeun?
7 Tangtu moal beda ti barang nu teu

nyawaan, suling atawa kacapi upamana;


najan ditabeuh oge, ari sorana ngan
sarupa mah na bisa dibedakeun, yen eta
teh suling atawa kacapi?
8 Atawa: Upama tarompet panyeluk

jurit teu puguh sorana, saha nu rek


ngarti, yen eta ngajak indit jurit?
9 Kitu keneh halna anu nyarita ku basa

ajaib; lantaran basana teu puguh unina,


saha nu rek ngarti? Teu beda ti ngomong
ka angin!
10 Basa-basa di dunya teh, kacida

lobana; duka sabaraha lobana, tapi


kabeh unina aya hartina.
11 Tapi upama simkuring teu ngarti, ku

nu boga eta basa, tangtu disebut urang


asing; kitu keneh sabalikna.
12 Ku kituna, — aranjeun anu sakitu

nyongsrongna kana anugrah-anugrah


ti Ruh — leuwih utama, upama eta
anugrah-anugrah teh, ku aranjeun
dipake keur pangwangunan Jamaah.
1 KORINTUS 14.13– 20 52
13 Ku sabab eta, sing saha anu sok
ngomong ku basa ajaib, kudu neneda ka
Allah sing nepi ka bisa jeung nerangkeun
hartina.
14 Sabab lamun simkuring ngadoa ku

basa roh, anu ngadoana teh ngan roh


simkuring sorangan; pikiran simkuring
mah, teu milu.
15 Kudu kumaha atuh? Kuduna,

simkuring ngadoa atawa mumuji ka Nu


Maha Suci teh, jeung roh ongkoh, jeung
pikiran ongkoh.
16 Sabab lamun urang muji sukurna teh

ku roh, saha nu rek milu nyebut ‘Amin;’


da puguh anu ngadarengekeunana teh,
teu ngalartieun?
17 Najan ucap-ucapna kacida aralusna

ge, sama sakali euweuh gunana keur nu


sejen mah.
18 Hatur sembah nuhun ka Pangeran,

simkuring leuwih bisa kana basa ajaib ti


batan aranjeun.
19 Da ari pikeun Jamaah mah, mending

ukur lima kecap, tapi matak kaharti; ti


batan rebuan kecap dina basa anu teu
pikahartieun.
20 Dulur-dulur, pikiran teh, ulah kawas

budak; kudu kawas budak soteh, kana


1 KORINTUS 14.21– 25 53
sual kajahatan; ari pikiran mah, kudu
sawawa.
21 Dina Kitab Suci Toret kaungel: ‘Kami

rek ngandika ka ieu bangsa, lain ku


jalma-jalma anu asing basana wungkul,
tapi make biwir urang asing oge. Sanajan
kitu, ieu bangsa teh moal nurut!’
22 Kitu pangandika Pangeran. Tina hal

ieu tetela, yen basa ajaib teh tanda


lain pikeun anu palercaya, tapi pikeun
anu teu palercaya. Sabalikna, anugrah
nepikeun nubuwatan mah tanda pikeun
anu palercaya, lain pikeun anu teu
percaya.
23 Pek wangwang, upama Jamaah keur

kumpulan, masing-masing ngaromong


ku basa anu teu puguh unina tea; heug,
datang jalma-jalma awam atawa nu can
palercaya, atuh aranjeun teh disebut
ngacambling?
24 Sabalikna, lamun aranjeun, masing-

masing, nepikeun nubuwatan mah,


jalma awam atawa nu can percaya teh
bisa katarik sarta picatur aranjeun baris
dilenyepan.
25 Bisa jadi, ahirna manehna

ngabudalkeun eusi hate sarta sembah


1 KORINTUS 14.26– 32 54
sujud ka Allah bari bijil ucapna: ‘Leres
aranjeun teh disarengan ku Allah!’
26 Kudu kumaha atuh alusna kumpulan

teh, dulur-dulur? Kudu kieu: Ari


kumpulan, teu nanaon mun aya nu sadia
zabur, piwuruk, wahyu, basa ajaib, atawa
tapsirna. Tapi kabeh kudu ditujukeun
pikeun pangwangunan Jamaah.
27 Anu ngomong ku basa ajaib kudu

diwates, ulah leuwih ti duaan atawa


tiluan piligenti; jeung kudu aya juru
tapsirna.
28 Lamun teu aya juru tapsirna, leuwih

hade sina repeh, sina ngomong jeung


dirina atawa jeung Gusti Allah.
29 Anu nepikeun nubuwatan, cukup ku

dua atawa tilu urang bae; anu sejen


mah, hade ngararegepkeun.
30 Sajeroning kitu, upama ti nu hadir

ngadadak aya anu cengkat lantaran


katurunan wahyu, anu keur nyarita kudu
eureun.
31 Sabab masing-masing kudu aya

giliranana, piligenti medar ilhamna,


supaya bisa silih asah silih asuh.
32 Anu nepikeun nubuwatan kudu daek

ngawatesan maneh.
1 KORINTUS 14.33– 39 55
33 Sabab Allah teh, lain Pangeran pikeun
kateuberesan, tapi pikeun katartiban.
34 Kaom wanita dina kumpulan kudu

repeh, teu wenang milu nyarita. Kitu


katangtuanana dina kumpulan mah, di
Jamaah mana bae oge, kaom wanita
mah kudu tarungkul bae, kitu ceuk Kitab
Suci Toret oge.
35 Mun aya tanyakeuneun mah, —

engke bae di imah — tanyakeun ka


salaki. Teu pantes kaom wanita mah
nyarita dina kumpulan teh.
36 Papadaning kitu, aranjeun ulah boga

sangka, yen pangandika Allah teh ti


aranjeun mencarna atawa ngan ka
aranjeun bae datangna!
37 Nu nyangka dirina kailhaman

pangandika Allah atawa ngarasa


meunang anugrah rohani kudu sadar,
yen ieu anu dituliskeun ku simkuring di
dieu teh, estu parentah ti Gusti.
38 Anu teu daek malire kana ieu hal, ku

aranjeun oge ulah dipalire!


39 Jadi, dulur-dulur! Anu kudu enya-

enya dijieun kahayang teh, nya eta


hayang bisa nepikeun nubuwatan. Tapi
anu ngomong ku basa ajaib oge, ulah
digeureuh-geureuh.
1 KORINTUS 14.40–15.6 56
40 Ngan kudu diingetkeun, yen sagala
rupa oge kudu pantes sarta kudu tartib.
1 Dulur-dulur! Simkuring ka

15 aranjeun rek ngingetan deui


hal Injil, anu bareto diwawarkeun
ku simkuring jeung anu ku aranjeun
geus ditarima, tur anu dipercayana
enya-enya.
2 Upama ku aranjeun dicekel kalawan

satuhu, sakumaha anu diwurukkeun ku


simkuring, tangtu aranjeun salamet.
Kajaba ari teu palercaya mah.
3 Pohara pentingna eta anu

diwawarkeun ka aranjeun teh; tur


simkuring mah, geus kacida percayana
teh, nya eta hal Al Masih tea: Al Masih
teh geus pupus ku karana dosa urang,
sakumaha ceuk ungeling Kitab Suci.
4 Anjeunna dikurebkeun sarta geus

digugahkeun deui, — sanggeus tilu


poe dikurebkeun tea — cocog jeung nu
kaungel dina Kitab Suci.
5 Anjeunna ge geus nembongan ka

Kepas sarta ka murid-murid anu dua


welas urang;
6 terus sakaligus nembongan ka

dulur-dulur anu lobana lima ratus urang


leuwih; anu nepi ka kiwari, sawarehna
1 KORINTUS 15.7–12 57
mah geus maraot; tapi lolobana mah,
harirup keneh.
7 Geus kitu, nembongan ka Yakobus;

terus nembongan deui ka rasul-rasul anu


dua welas urang tea.
8 Simkuring oge ditembongan,

pangpandeurina; najan simkuring teh,


jeg jelema beunang kaluron.
9 Rumasa pisan simkuring mah, jadi

rasul oge panglaipna; simkuring mah,


teu pantes-pantes acan jadi rasul
lantaran tadina tukang nganiaya Jamaah
Allah.
10 Jadi rasul soteh, ngan ku bawaning

sih piwelas Allah bae. Eta sih piwelas-Na,


ku simkuring henteu dilalaworakeun, nya
eta ku jalan dipake digawe jeung babakti
leuwih soson-soson ti batan rasul-rasul
sejen. Saenyana anu soson-soson teh
lain simkuringna, tapi nya sih piwelas-Na
keneh bae, anu teu kendat-kendat nuyun
ka simkuring.
11 Jadi, boh rasul-rasul sejen, boh

simkuring: Ngawawarkeun teh hal Al


Masih geus digugahkeun, anu jadi dasar
kapercayaan aranjeun.
12 Tapi ku naon, sakitu geus ditetelakeun

yen Al Masih teh geus digugahkeun tina


1 KORINTUS 15.13– 19 58
pupus-Na, tapi di aranjeun, bet aya anu
uar-uar magar anu maraot mah maot
bae, moal dihudangkeun deui?
13 Ari anu maraot moal dihudangkeun

deui mah, Al Masih oge, tangtu moal


digugahkeun.
14 Upama Al Masih henteu digugahkeun

deui; atuh pangwawaran rasul-rasul


teh percumah, iman aranjeun oge
percumah. —
15 Upama kitu, atuh pohara kaliruna

rasul-rasul nerangkeunana tina hal Gusti


Allah teh; ku rasul-rasul diwawarkeun
yen Mantenna ngagugahkeun Al Masih,
padahal henteu. — Kitu, lamun enya anu
maraot moal dihudangkeun deui mah.
16 Sabab lamun anu maraot moal

dihudangkeun deui, Al Masih oge tangtu


moal digugahkeun.
17 Lamun Al Masih teu digugahkeun,

iman kapercayaan aranjeun taya gunana


sarta aranjeun ge, tetep aya dina
genggeman dosa.
18 Lamun enya kitu, atuh anu aranut

ka Al Masih teh, ana maraot, maraot


salalanggengna.
19 Upama urang gumantung ka Al

Masih, tapi ngan sawates lilana hirup


1 KORINTUS 15.20– 24 59
urang; atuh urang teh, mahluk anu
pangcilaka-cilakana.
20 Tapi saestuna, Al Masih teh geus

digugahkeun! Tur nya ieu pisan anu


mastikeun, yen sakabeh anu maraot teh
baris dihudangkeun deui.
21 Sakumaha halna manusa anu

saurang, Nabi Adam tea, geus


ngalantarankeun saalam dunya
kagenggem ku Pati, Manusa anu
saurang deui oge, Al Masih tea, geus
ngalantarankeun sakabeh anu maraot
baris dihudangkeun deui.
22 Sakumaha halna kabeh manusa kudu

maot ku karana Nabi Adam; sakabeh


manusa oge, baris dihirupkeun deui ku
karana Al Masih.
23 Tapi kudu nurutkeun giliranana: Al

Masih pangheulana, nu jadi marganing


lantaranana; geus kitu, giliran anu
aranut ka Anjeunna; waktuna, nya eta
dina wanci Anjeunna sumping deui.
24 Geus kitu, kakara datang poe

panungtungan sarta Anjeunna harita


baris masrahkeun Karajaan ka Allah anu
jumeneng Rama. Pamasrahana-Na teh,
nya eta sanggeus Anjeunna ngelehkeun
1 KORINTUS 15.25– 29 60
sagala pamarentahan, sagala kawasa,
jeung sagala kakuatan.
25 Sabab Al Masih kudu nyepeng

pamarentahan, jumeneng Raja, nepi ka


kabeh musuh-Na, ku Allah diteundeun di
handapeun dampal sampean Al Masih.
26 Musuh panganggeusan anu baris

dibinasa, nya eta Ajal Pati.


27 Sabab sakumaha ceuk Kitab Suci:

‘Saniskara ku Allah ditalukkeun kana


dampal sampean Al Masih.’ Tina ieu
tetela Allah mah henteu kalebet kana
‘saniskara’ tea; da malah Mantenna anu
nalukkeun saniskara teh, nya eta sina
taraluk ka Putra-Na.
28 Malah sanggeus nampi saniskara nu

taraluk, Putra-Na oge nalukkeun anjeun


ka Allah, anu nalukkeun saniskara ka
Anjeunna. Ku kituna, ngan Allah nyalira
anu murba wisesa.
29 Lamun anu maraot moal

diharudangkeun deui, naon untungna


keur jelema-jelema anu dibaraptis
pikeun anu geus maraot teh? Keur naon
dibaraptis, ari enya mah anu maraot
moal diharudangkeun deui?
1 KORINTUS 15.30– 35 61
30 Kitu deui simkuring rasul-
rasul, pikeun naon unggal waktu
nyanghareupan bahaya?
31 Mangkaning simkuring mah, dulur-

dulur, sasat paeh bae unggal-unggal


poe oge. Nyarita kieu soteh, dumeh ka
aranjeun mah geus teu asa jeung jiga,
jeung papada saiman.
32 Ari kudu paeh salalanggengna

mah, naon untungna. Simkuring di


Epesus, cek cohagna, nepi ka tarung
jeung sato-sato galak? Mun enya anu
maraot moal dihudangkeun deui, atuh
mending oge ‘Hayu urang curak-curak
balakecrakan; da biheung teuing, isukan
ge urang paraeh,’ sakumaha ceuk ayat
Kitab.
33 Kahade dulur-dulur! Pergaulan anu

goreng matak ngaruksak nu hade.


34 Gunakeun akal sehat, jeung enggeus

ulah daroraka bae. Da enya, di aranjeun


teh, aya anu teu nyaho ka Allah. Cik sing
arera atuh!
35 Meureun aya nu hayang nanyakeun:

‘Kumaha petana dihirupkeun deui teh?


Engkena rek make badan anu kumaha?’
1 KORINTUS 15.36– 42 62
36 Bodo eta pertanyaan teh! Binih ge,
dipelak teh paeh heula, supaya hirup
deui.
37 Aranjeun ari pepelakan teh, lain

melak nu geus jadi tangkal; nu dipelak


teh, siki tanpa cangkang, boh gandum
atawa naon bae.
38 Eta siki, pitangkaleun, ku Allah disina

jadi hiji tangkal anu nurutkeun sipatna.


39 Anu tina sipat daging oge, boga sipat

masing-masing: Manusa beda deui, sato


beda deui, manuk beda deui, lauk beda
deui.
40 Aya wujud-wujud di langit, aya

wujud-wujud di bumi. Wujud-wujud


di langit, kaendahanana, beda jeung
wujud-wujud nu di bumi.
41 Kaalusan panonpoe, beda ti bulan;

kaalusan bentang-bentang beda deui;


kaalusan cahayana ge, masing-masing
bentang teh, beda-beda.
42 Hudangna anu maraot oge, kitu

pijadieunana, nya eta lir binih: Dikubur


di jero taneuh dina kaayaan paeh;
dihudangkeun deui dina kaayaan hirup
langgeng;
1 KORINTUS 15.43– 49 63
43 keur dikubur, laip taya pangajina;
ana dihudangkeun, jadi mulya jeung
kawasa;
44 keur dikubur, jasad jasmani; ana

geus dihudangkeun, ngajadi mahluk


roh. Mun anu jasmani, aya jasadna; anu
rohani oge, aya jasadna.
45 Eta sababna, ceuk Kitab Suci:

‘Manusa kahiji, nya eta Adam, ngajadi


mahluk anu hirup;’ sabalikna, Adam
wekasan mah, Ruh anu ngahirupkeun.
46 Tengetkeun: Tetela anu gumelar ti

heula teh, lain anu sipat rohani, tapi anu


sipat jasmani. Sabab anu sipat rohani
mah, datangna pandeuri.
47 Manusa kahiji asal tina taneuh,

dijieun tina lebu. Ari Manusa kadua mah,


terah ti sawarga.
48 Kabeh manusa anu jasmani, sarua

sipatna jeung manusa anu asal tina


lebu taneuh. Ari manusa-manusa sipat
sawarga, sarua jeung sipat Anjeunna
anu ti sawarga.
49 Urang dijurukeun teh sakumaha

mahluk anu asal tina lebu taneuh; ari


engke mah, urang teh baris sakumaha
anu asal ti sawarga.
1 KORINTUS 15.50– 56 64
50 Dulur-dulur! Anu dimaksud ku
simkuring teh, nya eta: Sipat daging
jeung getih mah moal kabawa ka jero
Karajaan Allah. Anu teu langgeng mah,
moal kabawa ka alam nu langgeng.
51 Simkuring rek muka rasiah: Urang

teh, moal kabeh maot. Dina wanci


sangkakala ditiup panganggeusan,
52 di jero sakedet netra, — eta

sangkakala teh, memang bakal ditiup


sarta harita keneh, nu paraeh bakal
dihirupkeun deui pikeun dibebaskeun
salalanggengna tina Ajal Pati — urang
baris dirobah.
53 Anu tadina kagenggem ku Ajal Pati,

diuculkeun tina Ajal Pati; anu tadina


keuna ku paeh, dirobah jadi teu keuna
ku paeh.
54 Di mana anu kagenggem ku Ajal Pati

geus ucul ti Ajal Pati, di mana anu keuna


ku paeh geus teu keuna ku paeh, harita
laksana ungeling Kitab Suci anu kieu:
‘Ajal Pati geus dilegleg ku kaunggulan.
55 He Ajal Pati, mana kakawasaan

maneh? Mana panyeureud maneh?’


56 Panyeureud Ajal Pati teh, nya eta

dosa; dosa tambah kuat ku ayana


hukum Toret.
1 KORINTUS 15.57–16.5 65
57 Tapi hatur sembah nuhun ka Gusti
Allah, — ku jalan Gusti Jungjunan urang,
Isa Al Masih — Mantenna geus maparin
kaunggulan ka urang.
58 Ku sabab eta, sing pengkuh,

ulah galideur. Sing temen-tinemenan


ngalampahkeun tugas ti Gusti teh.
Sing yakin, kalayan panangtayungan
Anjeunna sagala pagawean aranjeun
moal mubadir.
1 Hal ngumpulkeun duit tea, pake

16 cara anu ku simkuring diusulkeun


ka Jamaah di Galata.
2 Unggal minggu, dina poe nu kahiji,

saban anggota sina nyengcelengan di


imahna. Sakadugana bae, saimbang
jeung pangalana. Maksudna, supaya ari
simkuring datang, duit geus sadia. Jadi,
ulah nepi ka ngadadak neangan heula.
3 Pilih sawatara urang, — upama

simkuring geus datang — urang utus


ka Yerusalem bahanan surat pikeun
nyerenkeun duit sumbangan. Jelemana,
kudu anu kira-kira bisa diandelkeun.
4 Dina perluna, simkuring sorangan

baris milu.
5 Pidatangeun simkuring ka aranjeun

teh, engke, tas ti Makedoni. Sabab ka


1 KORINTUS 16.6–12 66
dinyana teh, — nya ka tempat aranjeun
— simkuring rek make jalan ti Makedoni.
6 Ngendek di aranjeun hayang rada lila,

— kawasna, salila usum tiris — kakara


simkuring neruskeun deui perjalanan.
Muga-muga bae aranjeun bisa ngabantu.
7 Ayeuna-ayeuna mah, simkuring moal

waka ka dinya; sabab asa taya gunana,


ari ngan sakeudeung mah. Da hayang
seubeuh sosonoan teh, manawi Allah
marengkeun.
8 Nepi ka hari raya Pentakosta mah,

simkuring rek ngendek di Epesus bae


heula.
9 Loba kasempetan di ieu tempat teh,

nya eta pikeun ngalaksanakeun anu


parenting; najan teu kurang-kurang nu
ngahalang-halang mah.
10 Pangakukeun Timoteus sing hade,

supaya hatena bisa jongjon. Sarua


jeung simkuring manehna oge, keur
ngalakonan padamelan Gusti.
11 Mihape ulah dilalaworakeun. Balikna

deui ka dieu sing senang hatena. Ayeuna


ku simkuring, kitu deui ku dulur-dulur
sejenna, keur diarep-arep pisan.
12 Apolos mah can daekeun manggihan

aranjeun, najan satengah dipaksa ge ku


1 KORINTUS 16.13– 19 67
simkuring. Kawasna can diparengkeun
ku Allah. Tapi engke ge, ari geus salse
mah, tangtu datang.
13 Omat, aranjeun sing waspada, sing

pengkuh nya iman. Ulah geumpeuran


kawas lain lalaki.
14 Ngalampahkeun naon bae, aranjeun

teh ulah tinggal ti rasa kanyaah.


15 Aranjeun tangtu aringet keneh ka

Stepanus sakulawarga, nya eta urang


Ahaya anu pangheulana nampi Isa Al
Masih jeung terus ngabaktikeun diri ka
Jamaah tea.
16 Aku ku aranjeun, sakumaha layakna

ka sasama abdi Al Masih bae; kitu deui


ka anu lian-lianna, anu geus marilu
soson-soson digarawe.
17 Simkuring kacida atohna lantaran

Stepanus, Portunatus, jeung Akaikus


daratang ka aranjeun: Asa kawakilan
sabot simkuring can datang.
18 Aranjeunna sasat jadi banyu

panghurip, boh keur simkuring, boh


keur aranjeun. Jelema-jelema saperti
aranjeunna, pantes lamun dihargaan.
19 Aya salam ti Jamaah-jamaah di

Asia Leutik, ti Akuila, ti Priska, jeung


1 KORINTUS 16.20– 24 68
ti anggota-anggota Jamaah anu sok
karumpulan di imahna.
20 Oge dulur-dulur saiman lianna, kabeh

ngaririm salam. Pangnepikeun salam


simkuring ka sarerea, tawis kaeling tilam
kanyaah.
21 Tulisan anu unina ‘Salam ti simkuring,

Paulus,’ beunang ngotretkeun simkuring


sorangan.
22 Sing tetep iman ka Gusti Jungjunan

urang, malar aranjeun ulah meunang


bebendu-Na. Nun Gusti, sumangga
geura sumping.
23 Mugia sih kurnia katut asihing Isa,

Gusti Jungjunan urang, nyarengan ka


aranjeun.
24 Sakieu surat simkuring, anu nyaah

ka aranjeun ku karana Isa Al Masih.


2 Korintus
1 Ti Paulus, rasul-Na Al Masih ku
1 kersaning Allah, jeung ti Timoteus.
Dumateng jamaah Allah di Korinta katut
dulur-dulur saiman di wilayah Ahaya.
2 Mugia dulur-dulur ginanjar rahmat

rahayu ti Rama, nya eta Allah jeung ti


Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang.
3 Rebu-rebu nuhun ka lenggah Allah,

Rama Gusti Jungjunan urang, Isa Al


Masih; Rama anu henteu kendat-kendat
miwelas, nya eta Allah sumbering
panglipur.
4 Allah anu geus ngalilipur simkuring ti

sagala rupa kasukeran teh, ngamaksud


supaya eta panglipur-Na teh bisa keur
ngabeberah sakur anu keur nandangan
kasusah.
5 Sabab sakumaha simkuring, nu geus

milu ngarandapan kabalangsakanana Al


Masih, — nya ku karana Al Masih pisan —
simkuring teu kurang narima panglipur
ti Allah teh.
6 Mun simkuring balangsak, eta

teh itung-itung pangbeberah jeung


2 KORINTUS 1.7–10 2
kasalametan pikeun aranjeun. Kitu oge,
upama simkuring meunang panglipur,
eta teh keur aranjeun oge; sangkan
mun aranjeun nyorang sangsara kawas
simkuring, aranjeun ge bisa tagen
nandanganana.
7 Dina hal ieu, simkuring teu hamham

deui. Ku sabab, aranjeun geus


milu nandangan dina kasangsaraan
simkuring; tangtu dina sual panglipur ti
Allah ge.
8 Sing percaya dulur-dulur, pohara

sangsarana simkuring di Asia Leutik teh,


— jiga geus liwat ti mistina — nepi ka
geus nyamarkeun hirup.
9 Malah simkuring teh, geus asa pasti

kana pipaeheun. Tapi eta teh jadi


pangajaran, yen urang ulah sok percaya
teuing ka diri sorangan. Percaya teh
kudu ka Allah, anu kawasa ngahirupkeun
anu paeh.
10 Nya ngan ka Mantenna, urang kudu

muntang teh. Mantenna geus nulungan


simkuring, nya eta ngaleupaskeun
simkuring tina baya pati. Saterusna ge,
nya pitulung Mantenna keneh bae anu
diarep-arep teh.
2 KORINTUS 1.11–15 3
11 Doa ti aranjeun ge, pohara diarep-
arepna. Meureun ari dikabul, lain
simkuring bae anu baris narimana teh;
anu mangnedakeunana oge, tangtu
marilu kasinugrahaan.
12 Dina diri simkuring, aya anu

karasana matak agul teh, nya eta


dumeh simkuring ku Allah dikersakeun
bisa campur gaul jeung masarakat
kalawan jujur tur iklas; pangpangna
dina campur gaul jeung aranjeun. Lain
pedah simkuringna anu bisa, ieu mah
estu berkah-Na Pangeran.
13 Ieu, anu dibaca ku aranjeun teh,

henteu geseh ti nu saenyana. Kahayang


mah muga sing kaharti kabeh, ulah
ngan sawareh-sawareh kawas nu
enggeus-enggeus.
14 Supaya dina poean sumpingna Isa Al

Masih, Gusti Jungjunan urang, aranjeun


agul ku simkuring, saperti simkuring ka
aranjeun.
15 Ari simkuring mah yakin yen baris

kitu. Eta sababna, pangna hayang


tepung deui jeung aranjeun teh. Da
bareto ge, niatna simkuring mah rek ka
aranjeun heula;
2 KORINTUS 1.16–23 4
16 ti dinya, simkuring rek terus ka
Makedoni. Ti Makedoni, simkuring rek
balik deui ka aranjeun, arek menta
dianteur ka Yudea.
17 Jadi, kumaha? Simkuring teh lanca-

linci kitu? Pedah simkuring geus jangji


rek datang, tapi lebeng bae.
18 Demi Allah, simkuring taya niat

lanca-linci.
19 Isa Al Masih, Putra Allah, anu

dikenalkeun ku simkuring, Silpanus,


jeung Timoteus ge, henteu lanca-linci. Di
Anjeunna mah, mun ‘enya’ teh, ‘enya.’
20 Sababna, nya Al Masih anu

ngaenyakeun sakabeh jangji Allah teh.


Eta pisan sababna, mun urang muji
ka Allah, ana ngucapkeun ‘Amin’ teh
kalawan nyambat jenengan Isa Al Masih.
21 Simkuring jeung aranjeun teh,

ku Allah geus dikukuhkeun nepi ka


babarengan jadi panganut Al Masih
anu satia. Ari simkuring ku Mantenna
diangkat,
22 jeung diterapan cap Mantenna tur

dipaparin hiji pamanjer sajeroning hate,


nya eta Ruh Mantenna.
23 Nu matak simkuring teu tulus ka

Korinta teh lantaran karunya bae ka


2 KORINTUS 1.24–2.4 5
aranjeun. Allah nu langkung uninga jadi
saksina.
24 Upama simkuring datang ge,

taya maksud mapatahan tina sual


kapercayaan sabab iman aranjeun geus
sakitu kandelna. Maksud teh, taya lian ti
seja ngabantu ngupayakeun pibagjaeun
jeung pijamugaeun aranjeun.
1 Geus gilig seja ka dieu deui, malar

2 ulah nguciwakeun deui.


2 Sabab upama aranjeun dikuciwakeun,

saha deui atuh anu baris ngabeberah


simkuring lian ti aranjeun keneh, anu
geus dikuciwakeun ku simkuring.
3 Maksud nu matak nyuratan oge,

supaya engke, mun simkuring datang,


ulah disampakkeun ku budi haseum.
Sabalikna, simkuring hayang dipapag
ku kabungahan. Sabab yakin mun
simkuring bungah, aranjeun oge moal
teu bungah.
4 Waktu nulis surat nu ti heula tea, hate

simkuring mah pohara nalangsana, nepi


ka ragragan cipanon. Harita, simkuring
teh, teu pisan-pisan rek nganyerikeun ka
dulur-dulur; malah seja nembongkeun
kanyaah anu taya papadana.
2 KORINTUS 2.5–11 6
5 Sabalikna, mun aya nu nyieun
pikanyerieun, balukarna lain ka
simkuring bae, tapi ka aranjeun oge.
Papadaning kitu, simkuring moal
nyalah-nyalahkeun teuing ka nu kitu teh.
6 Jadi, mun aya anu kitu, weweleh bae

ku sarerea. Ku dikitukeun ge, tangtu


geus beurat karasana ku jelemana.
7 Jadi, sapantesna jelemana mah

dihampura bae, dibeberah, ulah nepi ka


kagegeringan bawaning ku nalangsa.
8 Kudu enya-enya dipikanyaahna teh!

Kitu nasehat ti simkuring.


9 Nu matak nyuratan ge, maksud

simkuring teh kitu, nya eta seja nguji


aranjeun: Taat henteuna kana papatah.
10 Upama jelemana ku aranjeun

dihampura, ku simkuring oge tangtu


dihampura. Sabab upama aya anu
kudu dihampura, geus tangtu simkuring
ngahampura oge, eta teh lantaran
ngingetkeun ka aranjeun jeung ku
karana Al Masih.
11 Maksudna, supaya Setan ulah kungsi

beubeunangan ti urang. Kapan urang,


kabeh ge, geus apal kana tabeatna
Setan teh.
2 KORINTUS 2.12–17 7
12 Basa simkuring datang ka Troas
rek nguarkeun Injil Al Masih, Gusti ge
maparin jalan.
13 Tapi hate simkuring teh asa

honcewang, lantaran henteu papanggih


jeung Titus, dulur urang tea. Ku sabab
kitu, sanggeus pamitan mah, kebat deui
bae ngajugjug ka Makedoni.
14 Tapi sukur ka Allah anu teu petot-

petot ngajaring, ngalantarankeun


simkuring bisa hasil sarta unggul.
Simkuring, ku Mantenna dianggo lir
seuseungitan pikeun ngawanohkeun
jenengan Al Masih ka mana-mana.
15 Memang ku Allah, simkuring teh,

didamel seungiting Al Masih ku anjeun


anu ngawangikeun jenengana-Na, boh
ka jalma-jalma anu baris disalametkeun,
boh ka nu baris dibinasakeun.
16 Pikeun anu baris dibinasakeun mah,

kaambeuna matak paeh; sabalikna,


pikeun anu baris disalametkeun mah,
kaambeuna matak hurip. Saha anu
sanggup ngajalankeun anu sarupa kitu?
17 Sabab simkuring mah sabatur-batur,

henteu cara anu sejen-sejen nyiar


kauntungan tina pangandika Allah.
Ucap carita oge, sacerewelena ti nu
2 KORINTUS 3.1–6 8
ditimbalkeun ku Allah tea bae; kalawan
hate anu beresih di hadirat-Na sarta ku
karana iman ka Al Masih.
1 Naha simkuring teh rek mimiti deui

3 muji maneh? Atawa naha rek nurutan


batur nembong-nembong surat tanda
jasa ka aranjeun atawa ti aranjeun?
2 Surat tanda jasa simkuring mah,

kapan aranjeun buktina, diukirna ge dina


ati, tapi nyata sarta kaaji ku sarerea.
3 Tegesna mah, aranjeun teh surat-Na

Al Masih anu dikirimkeun ku simkuring.


Ditulisna lain ku mangsi, tapi ku
Ruh Allah anu jumeneng. Lian ti eta,
dituliskeunnana oge lain dina papan
batu, tapi dina hate manusa.
4 Hatur nuhun, agungna, ka Al Masih;

simkuring bisa iman ka Allah teh lantaran


ku pitulung Anjeunna.
5 Simkuring rumasa teu boga

pangabisa, boga soteh paparin ti Allah.


6 Nya ngan ku Allah, nu matak simkuring

sanggup jadi abdi tina Perjangjian anu


anyar oge. Eta Perjangjian teh, lain
mangrupa tulisan, tapi Ruh. Anu
mangrupa tulisan tea mah maehkeun,
tapi ari Ruh mah ngahirupkeun.
2 KORINTUS 3.7–13 9
7 Hukum (Toret), anu diukirna dina
papan batu tea, ngancam ku hukuman
pati. Tapi waktu diumumkeunana teh
diiring ku cahaya kamulyaan, nepi ka
urang Israil teu kadarugaeun neuteup
kana raray Nabi Musa anu moncorong,
padahal moncorongna ngan sakeudeung.
Upama eta geus sakitu mulyana,
8 atuh anu tina Ruh mah komo leuwih

mulya.
9 Lamun undang-undang anu ngandung

hukuman geus sakitu mulyana, atuh


komo deui undang-undang anu mawa
manusa kana hal nu sabenerna, tangtu
leuwih-leuwih mulyana.
10 Dibandingkeun jeung agungna

kamulyaan anu ieu mah, anu bareto


dianggap mulya teh, kasilep.
11 Upama eta anu sipatna teu lana tea

ngandung kamulyaan, komo anu sipatna


langgeng, tangtu leuwih mulyana.
12 Simkuring mah yakin pisan kana hal

ieu. Ku sabab eta, nyaritakeunana oge


henteu asa-asa.
13 Moal kawas Nabi Musa anu mindingan

raray, sangkan sinar anu ngiles tina


rarayna ulah kaciri ku urang Israil.
2 KORINTUS 3.14–4.1 10
14 Ku sabab eta, urang Israil mah
ana dipangmacakeun Kitab Perjangjian
Lawas teh, tetep bae henteu ngarti-
ngarti, sabab pipindingna nepi ka kiwari
acan dibuka-buka. Eta pipinding kakara
bisa muka, upama urang percaya ka Al
Masih.
15 Sabab dipangmacakeun Kitab Nabi

Musa ge, urang Israil mah, — nepi ka


kiwari oge — tetep bae batinna teh
kapindingan.
16 Sabalikna, pikeun jelema anu mantep

ka Gusti mah, hal-hal anu matak


mindingan teh tangtu leungit.
17 Ari Gusti teh nya eta Ruh tea. Di mana

aya Ruh Gusti tangtu aya kamerdikaan,


nya eta taya anu ngahalangan.
18 Ku sabab beungeut urang mah, geus

teu kapindingan, kaayaan urang teh,


ibarat eunteung anu ngagambarkeun
kamulyaan Gusti. Tegesna urang teh
dieunteupan ku kamulyaan Al Masih,
beuki lila beuki mulya ku padamelan
Gusti, nya Ruh tea.
1 Ku lantaran jabatan simkuring teh

4 mutlak sih kurnia ti Allah, simkuring


teu salempang kana naon-naon.
2 KORINTUS 4.2–7 11
2 Kalakuan anu matak era, anu tadina
dikilungan, geus dipiceun. Pangandika
Allah, ku simkuring mah, moal diputer
balik; rek diwawarkeun sakumaha
mistina, kari gumantung kumaha
jelemana anu rek narimana di payuneun
Allah.
3 Upama tea mah, ieu Injil teh, masih

keneh kapindingan, eta ngan pikeun


jelema-jelema anu baris cilaka,
4 nya eta anu teu palercaya, anu

pikirna geus lolong ku Iblis. Eta


sababna, maranehna nepi ka teu awas
kana cahaya Injil anu nyumiratkeun
kamulyaan Al Masih, nu jadi kanyataan
Allah.
5 Anu dimashurkeun ku simkuring teh

lain diri sorangan, tapi Isa Al Masih


anu jumeneng Gusti Jungjunan urang.
Simkuring sabatur-batur mah, ngan
saukur bujang aranjeun ku karana Isa.
6 Allah anu nimbalan: ‘Ti nu poek

sing bijil caang’ tea, nyaangkeun hate


simkuring, nepi ka awas kana kamulyaan
Mantenna anu sumorot tina pameunteu
Al Masih.
7 Simkuring mah, anu nyimpen eta

rajabrana teh, ngan saukur ibarat wadah


2 KORINTUS 4.8–14 12
tina taneuh; sangkan kanyahoan yen
kakawasaan anu mencar tina eta wadah
teh istuning kakawasaan ti Allah, lain ti
simkuring asalna.
8 Simkuring digencet ti saban pihak,

tapi tara kasedekkeun. Sok pareng buntu


akal, tapi tara nepi ka buntu kalakuan.
9 Sanajan dikaniaya, ku Mantenna tara

dikantun. Sering kapeupeuh, tapi tara


eleh.
10 Indit ka mana-mana ge, diri teh

kudu nandang sangsara tina pupusna


Isa, supaya Isa oge bisa nyata tina diri
simkuring.
11 Sabab nya ku karana Isa, hirup

simkuring sabatur-batur diserenkeun


kana paeh, supaya jumenengna Isa teh
nyata katara aya di sajeroning ieu diri
anu sipatna teu langgeng tea.
12 Jadi, simkuring diancam ku ajal teh,

sangkan aranjeun hirup.


13 Iman kapercayaan simkuring

sabatur-batur saluyu jeung uni Kitab:


‘Kaula percaya, ku sabab eta wani
nyaturkeun.’ Sabab simkuring oge wani
cacarita teh lantaran percaya;
14 tur percaya yen Allah anu

ngagugahkeun Isa, Gusti Jungjunan


2 KORINTUS 4.15–5.1 13
urang, — tina pupus-Na — tangtu
ngahudangkeun urang bareng jeung
Al Masih. Urang sarerea baris bareng
ngadeuheus ka Mantenna.
15 Simkuring sabatur-batur nyorang

kieu teh, malar beuki loba jelema anu


narima sih piwelas Allah. Ku kituna,
beuki loba jelema anu baris narimana,
beuki loba oge anu ngucap sukur
ngamulyakeun Pajenengana-Na.
16 Eta sababna, nu matak simkuring

tara leutik hate teh. Keuna ku sangsara


jeung nalangsa soteh raga badag, da
ari batin mah, unggal ganti poe ge,
dianyarkeun.
17 Kasangsaraan anu ayeuna, anu

teu pira, eta teh pikeun ngahontal


kaunggulan anu langgeng tur tanpa
tanding.
18 Hal-hal anu geus puguh ngawujud

mah moal rek dipikiran. Nu rek diimpleng


teh, nya eta anu tacan ngawujud. Sabab
anu geus aya wujudna mah moal lana
ayana. Sabalikna, anu can katembong
wujudna mah sipatna langgeng.
1 Urang hirup di dunya teh, lir ngancik

5 dina hiji kurungan anu engkena


diburak. Tapi simkuring terang yen di
2 KORINTUS 5.2–8 14
sawarga ku Allah teh, geus disayagian
kurungan sejen anu sipatna langgeng,
lain buatan manusa.
2 Dina kurungan anu ayeuna, hirup teh

kumejot hayang geura ngancik kana


kurungan anu ti sawarga tea.
3 Geus make anu eta mah urang teh

moal bulucun.
4 Sapanjang make kurungan anu

ayeuna mah, hirup urang teh eungap


ku lobana kabeubeurat. Ku sabab urang
hayang make nu anyar, ngan anu
heubeul oge hayang ulah ucul. Malah
anu sipatna keuna ku ajal teh hayang
sina kakurung ku anu sipatna langgeng.
5 Tapi memang kitu, disayagikeunana

ku Allah oge sarta tangtu dilaksanakeun.


Tawisna apan urang ku Mantenna
dipaparinan Ruh-Na.
6 Ku sabab eta, najan dina jasad nu

ayeuna can bisa ngahiji jeung Gusti, ari


hate mah reugreug;
7 ku lantaran simkuring mah percaya,

sanajan eta hal teh, acan tembong.


8 Simkuring tetep yakin ka Anjeunna,

rido ucul tina jasad anu ieu, asal bisa


ngahiji jeung Gusti.
2 KORINTUS 5.9–14 15
9 Ku sabab eta, boh di dieu boh di ditu
anging sumeja tumut kana pangersa-Na
bae.
10 Sabab urang kabeh, pasti kudu

jonghok di pangadilan Al Masih —


sakumaha kaayaan masing-masing —
pikeun narima ganjaran satimpal jeung
kalakuan hirupna, boh hade boh jahat.
11 Ku lantaran nyaho yen Allah wajib

dipikagimir, simkuring ngajak ka sarerea,


sangkan gimir oge ka Mantenna. Allah
mah uningaeun kana kaayaan simkuring,
atuh aranjeun ge sing enya-enya wanoh
ka simkuring teh.
12 Tapi lain rek ngasongkeun maneh,

ieu mah supaya aranjeun agul ku


simkuring teh puguh dasarna. Ieu perlu,
supaya aranjeun bisa nyanghareupan
jalma-jalma anu leuwih agul ku nu sipat
lahir, ti batan ku nu sipat batin.
13 Upama simkuring sok nepi ka siga nu

leungit akal waras, eta taya lian ngan


pikeun kamulyaan Allah. Sabalikna,
keur kapentingan aranjeun mah akal
simkuring teh walagri.
14 Kageuing ku asih-Na Al Masih,

simkuring yakin yen geus aya hiji


2 KORINTUS 5.15–19 16
Manusa anu pupus keur kapentingan
sarerea, anu kuduna paraeh.
15 Al Masih pupus ngagentosan manusa.

Ku sabab eta, anu saralamet teh,


hirupna ulah ngan keur kapentingan
dirina sorangan bae, tapi kudu dipake
pikeun ngabakti ka Al Masih. Anjeunna
pupus, tapi geus digugahkeun deui
pikeun kasalametan kabeh manusa.
16 Ku sabab eta, ti semet ayeuna

simkuring moal nilik jelema tina kaayaan


lahiriahna. Simkuring oge tadina mah
nilik ka Al Masih teh tina kaayaan
lahiriah-Na, tapi ayeuna mah geus
henteu.
17 Saha-saha anu geus aya dina

katunggalan jeung Al Masih, eta teh


mahluk anyar; sipat heubeulna geus
leungit kasilih ku anu anyar.
18 Eta teh kabeh oge padamelan Allah.

Al Masih, ku Mantenna dijadikeun jalan


ngahontal karapihan antara urang
jeung salira-Na. Ari simkuring sapara
kanca dipercanten ngawawarkeun eta
karapihan.
19 Ku jalan Al Masih, pangeusi dunya

teh, ku Allah diraketan deui tur


dosa-dosana henteu dibalitungkeun.
2 KORINTUS 5.20–6.3 17
Nya simkuring, rasul-rasul, anu ku
Mantenna dipercanten ngawawarkeun
eta piwelas-Na teh.
20 Jadi, simkuring teh, — kitu deui

rasul-rasul sejenna — nya geus kapilih


jadi utusan-utusan Al Masih. Ku jalan
ngutus simkuring sapara kanca, Allah
teh sasat sumping ku anjeun ngelingan
ka dulur-dulur. Lantaran jadi wawakil
Al Masih, simkuring neda-neda, muga
aranjeun daraek dirapihkeun deui jeung
Allah.
21 Al Masih anu suci tina dosa, ku

Allah geus dipinuhan ku dosa keur


pisalameteun urang, supaya urang anu
geus jadi satunggal jeung Al Masih bisa
diangken bener ku Allah.
1 Simkuring, anu ku Allah dipercanten

6 ngabantu padamelana-Na, cumeluk;


muga eta sih kurnia Allah teh, ku
dulur-dulur ulah dibaekeun.
2 Kieu timbalana-Na: ‘Upama geus tepi

ka wanci, maraneh tangtu dikabul ku


Kami. Samangsa cunduk waktu rahayu,
maraneh tangtu dirahayukeun.’
3 Simkuring, lain rek ngabobodo, oge

moal nyimpang tina papancen.


2 KORINTUS 6.4–9 18
4 Sabalikna, dina sagala perkara,
nembongkeun yen simkuring sapara
kanca teh enya-enya abdi Allah. Ku
jalan tetep tawekal, dina kasusah, dina
bahaya, dina panjara, dina panyiksaan,
5 dina huru-hara, dina gawe beurat,

dina kurang dahar, boh dina kurang


mondok.
6 Eta kabeh, ku simkuring,

disanghareupan kalawan tekad


anu buleud dibarengan ku sipat
waspada, sabar, sareh, bari nyuhunkeun
pangdeudeul Ruh Allah dina kanyaah
anu sajati.
7 Bari muntang kana kakawasaan Allah

seja nyaturkeun kayaktian nurutkeun


anu saenyana. Pikeun nyanghareupan
lawan atawa pikeun ngabela diri, nu
dipake pakarang nya eta kajujuran;
8 jujur narima pamuji, panghina,

panghargaan, kitu deui upama


disapirakeun. Memang sok dicap tukang
tipu najan ngomongkeun perkara nu
bener.
9 Sering disaha-saha sanajan geus pada

wawuh. Geus dianggap paeh, sanajan


hirup keneh. Sering keuna ku panyiksa,
tapi tara nepi ka pegat nyawa.
2 KORINTUS 6.10–16 19
10 Sareatna sangsara, tapi karasana
sugema. Hirup malarat, tapi bisa
ngabeungharkeun ka batur. Sareatna
taya kaboga; tapi boga sagala rupa.
11 Dulur-dulur di Korinta! Simkuring

geus nembrakkeun eusi hate sabalakana


ka aranjeun.
12 Hate simkuring, estu laluasa narima

ka aranjeun; sabalikna, hate aranjeun


anu sesek, enggoning narima simkuring.
13 Cik atuh, hate aranjeun oge sing

laluasa ka simkuring; sabab ka aranjeun


teh, simkuring mah, geus asa ka anak.
14 Ulah deudeukeutan jeung jelema-

jelema anu teu palercaya ka Allah. Sabab


naon saruana kaadilan jeung kajahatan?
Naon patalina caang jeung poek?
15 Na iraha, Al Masih satujuan jeung

Iblis? Dina naon samilikna antara nu


palercaya ka Allah jeung anu henteu?
16 Bisa kitu Bait Allah disajajarkeun

jeung imah berhala? Kapan urang teh


jadi bait suci-Na Allah anu jumeneng,
sakumaha dawuhana-Na: ‘Kami rek
ngancik di maranehna, marengan hirup
kumbuhna. Kami anu baris jumeneng
Allah nu disembah ku maranehna, ari
maranehna jadi umat Kami.’
2 KORINTUS 6.17–7.4 20
17 Ku sabab kitu, dawuhan Pangeran:
‘Geura kaluar maraneh ti nu daroraka,
ulah campur jeung jelema-jelema
anu narajis. Tangtu maraneh ku Kami
ditarima.
18 Sarta Kami baris jadi Rama maraneh.

Maraneh baris diaku anak ku Kami, boh


nu awewe, boh nu lalaki.’ Kitu timbalan
Pangeran Nu Langkung Kawasa.
1 Ku lantaran geus meunang jangji

7 anu kitu, urang kudu miceun sagala


rereged lahir batin, supaya urang
nyampurnakeun hirup suci sarta iasa
kumureb ka Allah.
2 Muga aranjeun langsar hate ka

simkuring. Sabab simkuring, can kungsi


nyieun codeka ka saurang oge; kitu
deuih, ngabobodo atawa ngarugikeun
aranjeun.
3 Nyebut kieu teh lain keur maido;

da tadi oge geus disebutkeun, yen


simkuring sarerea ge kataji ku aranjeun
sarta paeh hirup teh seja babarengan
jeung aranjeun.
4 Najan babasaan poksang, hate

simkuring mah agul ku aranjeun teh,


nepi ka keur sangsara ge, simkuring teu
weleh asa kaubaran jeung asa bungah.
2 KORINTUS 7.5–9 21
5 Memang, basa kakara datang ka
Makedoni tea mah, simkuring teh teu
bisa reureuh da loba pikahariwangeun.
Nu di luar parasea, nu di jero matak risi.
6 Tapi ku kersaning Allah anu mikawelas

ka nu keur nandang karupekan, jol teh


Titus datang; atuh simkuring teh mani
pohara asa bungahna.
7 Nya bungah ku datangna, nya bungah

lantaran anjeunna ku dulur-dulur geus


disugemakeun. Turug-turug saurna,
aranjeun mikatineung, mikamelang,
jeung pohara ngadoakeunana ka
simkuring; atuh kabungah simkuring teh
tambah.
8 Jadi, simkuring nyuratan sakitu

peurihna oge teu panasaran. Memang


mimitina mah, simkuring teh saeutik
ngahanjakalkeun, lantaran aranjeun teu
wudu nalangsa ku surat simkuring teh.
9 Nu jadi kabungah simkuring ayeuna,

lain ku dumeh aranjeun nalangsa, tapi


ku sabab tina nalangsa tea aranjeun jadi
eling. Eta kanalangsaan ku aranjeun
dipake geusan babalik pikir, sapuk
jeung pangersa Allah. Jadi, dina sual ieu
aranjeun henteu dirugikeun ku simkuring
teh.
2 KORINTUS 7.10–13 22
10 Nalangsa anu sapuk jeung pangersa
Allah mah, nungtun kana pertobat,
matak jamuga sarta moal matak
kaduhung. Sabalikna, nalangsa ku
lantaran barang dunya mah, nungtun
kana pipaeheun.
11 Pek geura tengetkeun, kanalangsaan

anu sapuk jeung pangersa Allah mah,


nungtun kana perih, matak eling
kana diri, sadar kana kasalahan,
nimbulkeun rasa ajrih, ngahudang
pangharepan, sarta ngajak soson-soson
kana kahadean! Tur bukti, yen dina
sual-sual eta, aranjeun teh teu aya
celana.
12 Ku sabab eta, simkuring nyuratan

teh lain pedah di aranjeun aya nu


nyieun teu adil atawa aya anu jadi
korban kateuadilan. Maksud teh, pikeun
nembongkeun ka payuneun Allah,
kumaha satiana aranjeun ka simkuring.
13 Sabab nya ieu pisan anu matak teger

kana hate simkuring teh. Simkuring


teh, beuki tambah teger bae sabab
kabungahanana Titus tea, anu ngarasa
bagja dumeh ku aranjeun geus
disugemakeun.
2 KORINTUS 7.14–8.4 23
14 Jadi,teu hanjakal, mun simkuring
geus ngagulkeun aranjeun ka Titus teh;
sabab anu dicaritakeun ku simkuring
teh, — kitu deui pamuji simkuring ka
aranjeun di hareupeun Titus — memang
akur jeung buktina.
15 Atuh katineung Titus ka aranjeun

oge beuki tambah lantaran kagagas


ku kahadean aranjeun, anu sakitu
enya-enyana ngahormat ka anjeunna.
16 Simkuring bungah taya papadana,

dumeh aranjeun enya-enya bisa


diandelkeun dina sagala perkara.
1 Dulur-dulur, simkuring rek medar

8 sih kurnia Allah ka umat-Na di


Makedoni.
2 Maranehna teh nandang cocoba anu

pohara beuratna, tapi bubudenna teh


barerag bae; tur sakitu mariskinna
oge, tapi maranehna garetol kana mere
derma.
3 Tangtu, maranehna ngalakukeun kitu

teh bari mereketkeun maneh.


4 Malah kalah ka mararenta, —

keukeuh pisan — hayang milu ngabantu


nyumbang-nyumbang ka sasama umat
Gusti.
2 KORINTUS 8.5–10 24
5 Teu nyana, nepi ka kitu! Lian ti
sumerah ka Gusti, maranehna teh, —
bari jeung kerna Allah — nawarkeun
tanaga ka simkuring sapara kanca.
6 Atuh simkuring sapara kanca teh,

ngadesek ka Titus sina neruskeun amal


saleh anu bareto ku anjeunna dimimitian
di aranjeun tea, supaya nepi ka hasil.
7 Ayeuna aranjeun teh geus jembar.

Jembar iman, jembar basa, jembar


pangarti, jembar pitulung, turug-turug
jembar kanyaah ka simkuring sapara
kanca. Muga-muga deuih sing jembar ku
pangrojong kana eta usaha amal saleh.
8 Tapi ieu mah lain marentah. Ieu

mah ngan nyaritakeun sumanget batur


kana tutulung, malakmandar bisa
ngahudangkeun sumanget aranjeun
kana tutulung cara kitu.
9 Aranjeun geus ngarasa welas asih-Na

Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih.


Anjeunna anu sugih taya kakurang, dugi
ka iklas nandang walurat ngabelaan
aranjeun, supaya aranjeun jaradi sugih.
10 Tumali jeung eta, kieu timbangan

simkuring, sugan katarima: Ngingetkeun


eta usaha teh, — nya aranjeun anu
2 KORINTUS 8.11–17 25
pangheulana mikiran — geus dimimitian
diusahakeun ti taun tukang keneh;
11 kumaha upama eta usaha teh,

dijalankeun deui ayeuna nepi ka hasil tur


sing suhud cara barang mimiti. Dipenta
ridona, sakumaha bae ti nu geus aya.
12 Da anu bisa ditarima teh, tangtu ti

anu rido jeung ti nu geus aya, lain ti nu


tacan aya.
13 Dipentaan soteh, lain hartina kudu

ngentengkeun batur bari sorangan


seuseut-seuat. Ieu mah, malar aya
kasaimbangan.
14 Kaleuwihan aranjeun teh, kudu

dipake nalang ka maranehna nu keur teu


baroga; supaya kaleuwihan maranehna
oge, nalangan aranjeun. Mun kitu tangtu
kasaimbangan teh aya.
15 Ieu luyu jeung Kitab: ‘Anu loba

beubeunanganana ulah kaleuwihan, anu


saeutik ulah kakurangan.’
16 Sukur, Allah geus ngersakeun Titus

geten ngabantu ka aranjeun cara


simkuring.
17 Bawaning ku getenna, miangna ka

aranjeun teh lain sakadar nyumponan


pamenta simkuring, tapi bari jeung
niatna sorangan.
2 KORINTUS 8.18–24 26
18 Anjeunna dibaturan ku hiji dulur anu
kapake ku jamaah dina ngawawarkeun
Injil;
19 malah dipercaya pikeun ngabantu

simkuring dina ieu usaha amal kahadean


nu diurus ku simkuring, geusan
kamulyaan salira Gusti jeung pikeun
nandakeun karidoan simkuring.
20 Enggoning ngajalankeun ieu usaha

tur ngurus duit sumbangan anu sakitu


gedena, simkuring seja nyegah ulah nepi
ka aya sangkaan teu hade ti batur.
21 Sabab hayang hade teh lain ngan

di payuneun Allah bae, tapi oge di


hareupeun sasama jalma.
22 Aya saurang deui anu bareng diutus

teh, nya eta dulur simkuring anu geus


sering dicoba sarta bukti kagetenanana;
malah ka dieunakeun mah, beuki geten
bae lantaran kataji ku aranjeun.
23 Ari Titus mah geus puguh deui kanca

simkuring anu babarengan ngabantu ka


aranjeun. Ari anu duaan deui, kabeh ge,
wawakil jamaah sarta kamanah ku Al
Masih.
24 Ku sabab eta, muga ditararima.

Tembongkeun kanyaah aranjeun.


2 KORINTUS 9.1–5 27
Tembongkeun ka jamaat yen aranjeun
beunang diandelkeun.
1 Perkara ngabantu ka sasama umat

9 Allah, saenyana, aranjeun geus teu


kudu dititah-titah.
2 Simkuring percaya yen hate aranjeun

jembar. Ka urang Makedoni mah ku


simkuring malah dibejakeun kieu: ‘Urang
Ahaya mah, ti taun tukang keneh ge
geus ngamimitian.’ Temahna maranehna
kahudang sumangetna.
3 Nu matak simkuring ngirimkeun

utusan teh, malar pangalem simkuring


perkara aranjeun henteu gagal. Hayang
supaya aranjeun enya-enya geus
sadia-sadia sakumaha anu diomongkeun
ku simkuring.
4 Sabab mun simkuring, jol ka dieu

jeung sawatara urang Makedoni


nyampak aranjeun can naon-naon,
kapan tada teuing simkuring erana, nya
kitu keneh aranjeun anu geus sakitu
diugungna.
5 Eta sababna, memeh datang,

sorangan teh ngajurungkeun heula


batur sina muguhkeun sumbangan
anu geus disanggupan ku aranjeun
tea. Ngarah enya, eta sumbangan teh,
2 KORINTUS 9.6–11 28
beubeunangan ti anu nyarumbang,
lain beunang duduk-dadak simkuring
kokobet tina saku aranjeun.
6 Masing inget: Anu tandurna saeutik,

dibuatna ge saeutik. Anu tandurna lega,


dibuatna ge loba.
7 Kira-kira ku sorangan, rek nyumbang

sabaraha-sabarahana mah; eta ge kudu


iklas, ulah ngarasa dumeh dipaksa. Nu
mere jeung suka lilah, tangtu diasih ku
Allah.
8 Allah teh kawasa ngarijkian aranjeun

medah-meduh, nepi ka sagala kaperluan


aranjeun cukup tur laluasa sarta bisa
ngabantu ku kahadean.
9 Sakumaha ceuk Kitab: ‘Mantenna

maparin berkah, nyekapan ka nu


mariskin; welas asih-Na, mayeng
salalanggengna.’
10 Mantenna Nu maparin binih keur nu

tebar jeung maparin keur tedaeunana;


tangtu ka aranjeun oge, Mantenna
maparin binih. Tur binihna tangtu
dikersakeun jadi, sangkan amal usaha
aranjeun hasilna manglipet-lipet.
11 Mantenna baris ngersakeun aranjeun

lubak-libuk, nepi ka bisa nulung mere


ka nu lian. Sarta eta pitulung aranjeun
2 KORINTUS 9.12– 10.2 29
teh, baris ngalantarankeun maranehna
ngucap sukur ka Allah.
12 Sabab eta sumbangan teh, lain bae

baris nulung ka umat Allah, tapi oge


baris ngalantarankeun rea jalma ngarasa
sukur taya papadana ka kersa Allah.
13 Ieu usaha amal kahadean teh geusan

nembongkeun iman aranjeun, sangkan


dulur-dulur urang ngamulyakeun
ka Allah. Lian ti eta, oge pikeun
nembongkeun, yen aranjeun tuhu
kana pangajaran Al Masih; aranjeun
boga hate anu mulya, dibuktikeun ku
mitulung maranehna; kitu deui, ka nu
sejen-sejenna.
14 Ku maranehna baris katembong,

kumaha luar biasana pitulung Allah ka


aranjeun sarta maranehna bakal kacida
ngadoakeunana.
15 Puji jeung sukur ka lenggah Allah,

anu kurnia-Na taya babandinganana.


1 Simkuring, Paulus, dipajarkeun

10 teh, rajeun wani ari jauh; ari


adu hareupan mah, teu wani kitu kieu.
Demi Al Masih anu lemes panggalih-Na,
simkuring seja ngelingan ka aranjeun:
2 Kahade, ulah ngajak simkuring keras

ana adu hareupan. Ulah maksa simkuring


2 KORINTUS 10.3 –7 30
kudu ngaweweleh jelema-jelema anu
nuding yen ieu usaha simkuring teh,
keur nyocokan pangabutuh jasmani.
3 Memang simkuring oge jalma lumrah,

nya eta tina daging jeung getih; tapi


bajuangna simkuring teh, lain katarik ku
pangabutuh jasmani.
4 Pakarang anu dipake ku simkuring,

lain buatan manusa; tapi kakawasaan


Allah, anu sanggup ngancurkeun
benteng-benteng, numpes akal-ekol
palsu,
5 sanggup ngabedah tiap-tiap hahalang

anu mendetan usaha jalma pikeun nyaho


saha Allah teh. Sanggup ngaboyong
sagala pikiran jeung angen-angen
manusa sina aranut ka Al Masih.
6 Upama aranjeun enggeus kabeh

tunduk ka Al Masih, simkuring sapara


kanca geus sadia baris ngahukum ka
sakur anu mungpang.
7 Ari aranjeun nilik jelema teh tina

lahirna bae? Sing saha anu boga


angkeuh jadi milik-Na Al Masih, kudu
nalek maneh bari mikir, yen simkuring
sapara kanca ge, kagungan Al Masih
cara manehna.
2 KORINTUS 10.8–13 31
8 Malah simkuring mah, najan rek
agul-agul oge pantes; sabab simkuring,
ku Gusti geus dipercaya pikeun ngolah
aranjeun: Dipiwarang ngolah, lain
dipiwarang ngancurkeun!
9 Surat-surat simkuring oge, ulah

disangka nyingsieunan wungkul.


10 Bisa jadi, aya anu ngomongkeun

kieu: ‘Surat-suratna mah, Paulus teh,


memang ngareusi jeung aranteb. Tapi
ari geus adu hareupan mah, teu pira
jeung nyaritana ge, teu pati bisa.’
11 Ka anu karitu, — ku aranjeun ge,

engke kanyahoan — yen simkuring


teh heunteu beda, boh dina surat, boh
pahareup- hareup.
12 Tapi simkuring mah, moal nurutan

atawa nandingan jalma-jalma anu sok


ngagul-ngagul maneh, anu ngukur
dirina ku ukuran sorangan, jeung
anu nandingkeun maneh kana dirina
sorangan. Sabab jalma kitu teh, tetela
bodo balilu!
13 Simkuring mah, agul ge moal liwat

wates: Moal kaluar ti jero lingkungan


anu diwates ku Allah kaasup daerah
aranjeun.
2 KORINTUS 10.14–11.1 32
14 Simkuring ngawawarkeun Injil
Al Masih ka aranjeun teh, henteu
ngaronjat-ronjatkeun maneh; — kawas
nu sieun teu nepi bae — sabab aranjeun,
teu burung kahontal.
15 Di tempat-tempat anu geus dipigawe

ku batur, paliyas simkuring rek agul-agul.


Tapi di tempat cekelan sorangan, nya
eta di aranjeun, — mun gawe simkuring
mekarkeun iman aranjeun tea, geus
hasil — simkuring pantes mun miharep
leuwih dihargaan deui ku aranjeun teh.
16 Upama iman aranjeun geus hirup

hurip, tangtu simkuring bisa neruskeun


gawe ngawawarkeun Injil ka tempat-
tempat anu leuwih jauh, nya eta anu can
digarap ku batur; da simkuring mah,
embung agul ku pagawean batur.
17 Ceuk Kitab oge: ‘Mun aya nu niat

seja ngagungkeun, ngagungkeunana teh


kudu ka Pangeran.’
18 Jalma anu pujieun mah, lain anu

sok muji maneh, tapi anu kapuji ku


Pangeran.
1 Muga aranjeun teh, ulah

11 kurang-kurang, ngama'lum ka
simkuring anu bodo.
2 KORINTUS 11.2 –7 33
2 Simkuring osok timburuan ka aranjeun
teh, bawaning ku nyaah, nya eta kanyaah
anu asalna ti Allah. Sabab aranjeun
disanggakeun ka Al Masih teh, ibarat
lanjang anu geus dipapacangankeun.
3 Kainggis teh, sieun bisi aranjeun

kagoda ku nu sejen; heug udar


kasatiaan aranjeun ka Al Masih teh,
kawas Hawa anu kaosol ku Si Oray pelit
tea.
4 Da geuning aranjeun mah jongjon

bae, sakitu aya anu uar-uar magar aya


Al Masih sejen, aya Ruh sejen, sarta aya
Injil sejen anu beda ti nu dikabarkeun ku
simkuring.
5 Sanajan kitu, simkuring mah henteu

asa leuwih handap ti eta rasul-rasul anu


magar laluhung teh.
6 Bener, yen simkuring mah lain ahli

nyarita, tapi ari pangarti mah boga.


Hal ieu, unggal aya kasempetan, ku
simkuring sok teu kendat ditetelakeun
ka aranjeun.
7 Enggoning ngabarkeun Injil Allah ka

aranjeun, tara teh teuing simkuring


menta buruhan. Kaperluan sorangan
mah dipandeurikeun bae, mentingkeun
heula aranjeun. Cik, naha salah ari kitu?
2 KORINTUS 11.8–13 34
8 Pikeun nyumponan ongkos-ongkos
supaya bisa terus baranggawe di
aranjeun, simkuring dibelaan ngurihit ka
jamaah-jamaah sejen menta disumbang.
9 Salila di aranjeun, najan sakumaha

butuhna ku duit, can sakali simkuring


ngurihit ka aranjeun. Kabeh pangabutuh
geus dicukup ku dulur-dulur anu
daratang ti Makedoni. Kalah ka kumaha
ge, aranjeun mah moal dibeungbeuratan.
Ieu pamadegan simkuring teh keur
saterusna.
10 Lebah dieu simkuring agul. Demi

kayaktian Al Masih anu aya di diri


simkuring, ieu rasa agul teh, di sakuliah
Ahaya hamo aya anu bisa mupus.
11 Naha simkuring ngomong kitu? Na

pedah teu nyaah ka aranjeun? Puguh bae


nyaah mah, Allah ge langkung tingali.
12 Simkuring rek angger kitu, geusan

nyegah hal-hal anu bisa dijieun gara-


gara ku tukang nyieun gara-gara: Anu
akon-akon magar maranehna oge sarua
boga jabatan kawas jabatan simkuring.
13 Eta, nu karitu teh, rasul-rasul titiron

rek macikeuh, nyamur-nyamur rasul-Na


Al Masih.
2 KORINTUS 11.14– 21 35
14 Teu aneh, ma'lum Iblis oge osok
niron-niron malaikat sajati.
15 Atuh teu aneh deuih, lamun

bawahanana oge nyalalamur jadi


abdi-abdi kayaktian teh. Tapi moal teu
aya balukarna ka maranehna, satimpal
jeung kalakuanana.
16 Sakali deui, muga simkuring ulah

dianggap Si Bodo. Tapi ari kapaksa-


kapaksa teuing mah, dianggap kitu
ge, teu naon-naon. Asal bae tetep
kaaku ku aranjeun, sangkan bisa keneh
ngagulkeun aranjeun saeutik-eutikeun.
17 Puguh bae, ieu mah lain ucapan

panganut Al Masih. Ieu mah ucapan


simkuring, Si Bodo anu agul ku
kabodoanana.
18 Sabab loba jalma anu aragul ku

sual-sual sipat lahir; jadi, naon salahna,


upama simkuring nurutan?
19 Bongan aranjeun anu palinter daek

dikutiplak ku nu barodo!
20 Buktina sakitu diutuh-etah, diperes,

dipacikeuh, diangkuhan, jeung ditalipak


ku nu karitu, aranjeun mah jongjon bae.
21 Era-era ge rek waleh, simkuring

sapara kanca mah pimanaeun kuat


dikitu-kitu! Rumasa teu kaopan.
2 KORINTUS 11.22– 26 36
Sabalikna, mun aya anu wani agul-agul,
— ceuk pikiran simkuring anu bodo —
simkuring oge wani agul-agul mah?
22 Ari maranehna teh urang Ibrani?

Simkuring oge urang Ibrani. Ari


maranehna teh urang Israil? Simkuring
oge urang Israil. Ari maranehna teh
turunan Ibrahim? Simkuring ge turunan
Ibrahim.
23 Ari maranehna teh abdi-abdi Al

Masih? Komo simkuring mah! Rek


nyombong ge, simkuring mah pantes.
Sabab ngabdi ka Anjeunna teh, estu
tohtohan, nya eta nepi ka dipanjara,
disiksa, sarta mindeng mehmehan ajal.
24 Dirangketan ku urang Yahudi ge,

mani lima rintakan: Masing-masing opat


puluh kali ngarangket kurang hiji.
25 Diteunggeulan ku gegendir, tilu

rintakan. Dibaledogan ku batu sakali.


Cilaka di laut lantaran kapal kalebuh, tilu
kali. Kungsi sakali, awak ngangkleung di
laut sapoe sapeuting.
26 Sajeroning luluntaan, simkuring

mindeng dipegat bahaya: Bahaya di


walungan, bahaya dibegal, bahaya ti
bangsa sorangan kitu deui ti bangsa
deungeun, bahaya di kota, di alas kikisik,
2 KORINTUS 11.27– 32 37
di laut, kitu deui bahaya ti jelema-jelema
anu pura-pura midulur.
27 Simkuring ge, mindeng kudu banting

tulang, carang mondok, mindeng lapar,


halabhab, sering teu manggih dahar,
mindeng kabulusan, tur teu boga
papakean anu bener.
28 Mana ripuh ku urusan-urusan

sapopoe, — anu ku simkuring teu kudu


dicaturkeun deui — mana melang ka
jamaah-jamaah!
29 Upama aya nu nandang apes; naha

kitu simkuring teu milu apes? Naha kitu


hate simkuring tara remuk ku kasedih,
upama aya dulur anu tigubrag kana
dosa?
30 Lamun simkuring rek agul, agul teh

ku perkara-perkara anu tumali jeung


kahengkeran sorangan.
31 Enyaan, simkuring teu bohong. Allah,

— Ramana Isa, Gusti Jungjunan urang,


sembaheun salalawasna — uninga yen
ieu lain akon-akon.
32 Basa keur di Damsik, simkuring teh

rek ditangkep ku gupernur di dinya,


bawahan raja Aretas. Kota dikepung
jeung dijaga sakurilingna.
2 KORINTUS 11.33–12.6 38
33 Tapi berekah, simkuring teh aya
anu nulungan. Simkuring diulur dina
karanjang ti luhur kuta; ku jalan eta,
simkuring teh bisa salamet, henteu
kacerek.
1 Da saenyana mah, simkuring

12 agul teh taya untungna. Sanajan


kitu, simkuring baris nyaritakeun
tetenjoan sarta wahyu ti Gusti.
2 Opat belas taun ka tukang, simkuring

diparengkeun ningal salahsaurang ti


umat Al Masih anu diangkat ka langit
katilu. Ningal teh duka jeung raga badag,
duka henteu; anging Allah anu uninga.
3 Simkuring ningal (duka jeung raga

badag duka henteu anging Allah anu


uninga):
4 Eta jalma ngadadak diangkat ka

Pirdus, terus ngadenge hiji pangandika


luar biasa, anu moal katurutan ku basa
manusa.
5 Simkuring agul teh ku lantaran eta

jelema. Ari diri sorangan mah, naon atuh


agulkeuneunana, lian ti kahengkeran
mah.
6 Tapi upama rek agul ge, naon salahna;

da ieu anu dicaritakeun teh, saenyana.


Tapi moal, — moal agul — bisi aya
2 KORINTUS 12.7–11 39
anu nyangka yen simkuring teh jelema
luhung, nepi ka mencog tina panenjona,
beda tina dedengeanana.
7 Ngan supaya ulah kungsi

kamagungan, pedah simkuring


geus meunang eta wahyu anu sakitu luar
biasana, simkuring teh dibere hiji cucuk
di jero awak anu nimbulkeun kalara.
Saenyana, eta teh utusan Iblis supaya
simkuring ulah agul!
8 Simkuring geus sasambat ka Gusti,

nepi ka tilu kali, neda ucul tina eta


kalaraan.
9 Tapi ku Gusti diwaler kieu: ‘Kurang

kumaha Kami nyaah ka maneh? Sing


tahan, sabab kakuatan teh sampurnana
ku ayana kahengkeran.’ Eta sababna,
simkuring agul ku kahengkeran
sorangan teh, sangkan kakawasaan Al
Masih manjing sajeroning diri.
10 Jadi, simkuring rido narima

kahengkeran, dihina-hina, disangsara,


dikaniaya, dipeupeurih, demi keur
kamulyaan Al Masih. Ku lantaran rumasa
hengker, iman simkuring jadi kuat.
11 Simkuring jadi bodo kieu teh,

ku lantaran aranjeun nu maksana.


Benerna mah, hargaan simkuring teh ku
2 KORINTUS 12.12– 16 40
aranjeun. Sabab dina sagala rupa oge,
simkuring teh teu eleh geleng ku eta
rasul-rasul anu magar laluhung teh.
12 Ciri yen simkuring rasul kapan

kanyahoan ku aranjeun oge, dibuktikeun


ku tanda-tanda, mujijat-mujijat, jeung
rupa-rupa kawasa.
13 Dibanding jeung jamaah-jamaah

sejen, cik iraha aranjeun teh rajeun ku


simkuring disingsalkeun, iwal ti tara
dipentaan pangabutuh? Bisi ieu karasana
teu adil mah, hampura bae!
14 Geus rek katilu kalina ieu, simkuring

niat nganjang ka aranjeun teh. Lain


arek barangpenta. Nu diboro-boro teh
aranjeun, lain pangabogana. Anak mah,
memang teu wajib ngipayahan kolot,
tapi kolot anu wajib ngipayahan anak.
15 Ku kituna, pikeun aranjeun mah

ulah bon harta banda, nyawa oge moal


diowelkeun. Tah nepi ka kitu, kanyaah
simkuring ka aranjeun teh. Sageuy nu
asih rek dipulang sengit mah!
16 Tapi sakitu simkuring tara

ngabeungbeuratan, ku aranjeun
kalah ka dipajarkeun rek macikeuh, arek
meres lelemesan.
2 KORINTUS 12.17– 21 41
17 Cik iraha simkuring, — ku
salahsaurang ti utusan-utusan nu
dikirim ka aranjeun — kungsi narik
kauntungan ti aranjeun?
18 Nyebut kitu teh, pedah bae simkuring

geus ngutus Titus jeung baturna,


saurang, sina ka aranjeun. Kungsi kitu
Titus narik kauntungan ti aranjeun?
Lain sarua tekad jeung caraning hirup
anjeunna jeung simkuring?
19 Geus lila pisan aranjeun nyangka

simkuring jeung Titus hayang meunang


sorangan teh, nya? Salah eta teh,
dulur-dulur! Demi Allah, demi Al Masih:
Nu diseja ku simkuring teh, taya lian ti
hayang ngahudangkeun iman aranjeun!
20 Simkuring rempan bisi engke

ana urang tepung masing-masing


beda anggapan: Aranjeun sulaya tina
kahayang simkuring, simkuring sulaya
tina kahayang aranjeun. Sieun matak
jadi cekcok, hiri dengki, amarah,
masing-masing hayang bener sorangan,
tingkecewis silih upat, silih omongkeun,
silih angkuhan, sarta kusut ribut.
21 Inggis bisi jol teh simkuring

diparengkeun apes ku Gusti


Pangeran. Tada teuing ngerikna
2 KORINTUS 13.1 –4 42
hate, mangkarunyakeun ka jalma-jalma
anu ti bareto nepi ka ayeuna daroraka
keneh bae, can tarobat tina kalakuanana
anu kalotor, rarucah, jeung ngalajur
napsu.
1 Geus rek katilu kalina ieu,

13 simkuring niat nganjang deui


teh. Ceuk Kitab: Hiji perkara kakara sah
lamun kasaksian ku duaan atawa tiluan.
2 Basa simkuring nganjang

kadua kalina, jelema-jelema anu


ngalalampahkeun dosa teh, — kitu deui
nu sejen-sejenna salian ti eta — ku
simkuring geus diwawadian. Ayeuna oge,
sajeroning pajauh keneh rek diwawadian
deui. Sabab engke mah mun nganjang
deui, saha bae ge nu salah mah moal
aya anu dihampura deui.
3 Ku aranjeun baris kanyahoan

yen simkuring enya-enya ngemban


timbalan Al Masih. Baris karasa yen
mayunan aranjeun teh, Al Masih moal
nembongkeun kalemahan, tangtu
nembongkeun kakawasaan.
4 Bareto, beunang disalib soteh

bawaning ku diapeskeun. Tapi ku


kawasaning Allah, ayeuna, Al Masih
teh jumeneng. Simkuring sapara kanca
2 KORINTUS 13.5–10 43
oge, milu apes ka Anjeunna; tapi ku
kawasaning Allah bakal hirup bareng
jeung Anjeunna, supaya aranjeun oge
mareunang mangpa'atna.
5 Pek pariksa diri, na aranjeun teh

boga iman kapercayaan atawa henteu?


Yakin atawa henteu yen aranjeun teh
disarengan ku Isa Al Masih? Lamun teu
yakin, tetela aranjeun moal tahan uji.
6 Mungguh simkuring mah, sabatur-

batur, taya nu mungkir ti Gusti.


7 Mugi-mugi Allah ngersakeun aranjeun

ulah nepi ka nyieun kasalahan. Lain


dumeh simkuring hayang katangar tahan
uji, ieu mah hayang supaya aranjeun
hararade kalakuan, najan simkuring
katembongna siga henteu tahan uji.
8 Teu kaduga simkuring mah ngalawan

kana kayaktian teh, kaduga soteh


ngalampahkeunana.
9 Sanajan hengker, ari aranjeun kuat

mah simkuring bungah. Dipangnedakeun


pisan malar aranjeun bisa ngahontal
kasampurnaan.
10 Pangna simkuring nyuratan ti

anggalna, malar ari geus jol datang


ka aranjeun ulah kungsi ngagunakeun
kakerasan. Sabab dipaparin wewenang
2 KORINTUS 13.11– 14 44
ku Gusti oge, lain pikeun ngaruntagkeun,
tapi pikeun ngomean hirup aranjeun.
11 Dulur-dulur! Sakieu bae heula.

Sabisa-bisa usahakeun ngahontal


kasampurnaan tea. Masing akur pada
batur sarta hirup masing repeh-rapih.
Mugi-mugi Allah nu jadi sumbering asih
jeung asaling karapihan, nyarengan
hirup aranjeun.
12 Sing silih ajenan jeung silih doakeun.
13 (13-12b) Aya salam ti sakumna

dulur-dulur anu saiman.


14 (13-13) Mugi-mugi aranjeun ginanjar

sih kurnia Isa Al Masih, Gusti Jungjunan


urang, mendak welas asihing Allah, di
jero katunggalan Ruh Allah.
Galatia
1 Ti Paulus, — anu jadina rasul lain
1 ku lantaran diangkat ku pada jalma,
oge lain nurutkeun karep manusa, tapi
lantaran ditimbalan ku Isa Al Masih,
Gusti Jungjunan urang jeung ku Allah,
Rama, anu parantos ngagugahkeun Isa
ti alam kubur —
2 sarta ti sakabeh dulur saiman anu di

darieu, ngahaturkeun salam ka sakabeh


dulur saiman di Galata.
3 Mugi aranjeun sing marendak sih

kurnia katut berkahna ti Allah, Rama;


kitu deui, ti Isa Al Masih, Gusti Jungjunan
urang,
4 anu geus ngorbankeun salira-Na

tina sabab dosa urang, malar urang


bisa bebas tina ieu pajamanan anu
jahat, saluyu jeung pangersa Allah anu
jumeneng Rama.
5 Ku kituna, urang teh wajib

ngagungkeun Allah sapapaosna!


Amin.
6 Teu sangka! Geuning babari pisan

aranjeun teh mungkir ti Allah, — anu


GALATIA 1.7–12 2
geus ngangken ka aranjeun ku sih
piwelas-Na Al Masih — tuluy maruhit
kana injil anu sejen.
7 Padahal sidik, yen teu aya deui Injil

sejenna. Aya soteh sawatara jelema


anu rek nyasabkeun aranjeun ku jalan
ngarobah Injil Al Masih.
8 Sing saha anu ngawawarkeun injil nu

mencog tina Injil anu geus diwawarkeun


ku simkuring, sok sanajan simkuring
sorangan, atawa malaikat ti sawarga
pisan, sing ulah jamuga.
9 Bareto aranjeun geus diomat-omatan,

ayeuna perlu diingetan deui: Sing saha


anu ngaliarkeun injil anu mencog tina
Injil wawaran simkuring, sing keuna ku
la'nat jelemana.
10 Naha simkuring teh rek leuwih

ngutamakeun karep manusa ti batan


pangersa Allah? Naha rek nyiar pangajen
ti manusa? Kitu peta mah, atuh, lain ge
abdining Al Masih!
11 Tengetkeun, dulur-dulur! Injil anu

diwawarkeun ku simkuring teh lain


beunang ngarang jelema.
12 Simkuring narimana lain ti jelema,

terangna oge lain beunang guguru ti


GALATIA 1.13–17 3
jelema. Estu, Isa Al Masih ku anjeun anu
nerangkeunana ka simkuring.
13 Aranjeun ge tangtu geus teu bireuk

deui, simkuring teh, tadina mah kapan


nyekel agama Yahudi. Tangtu tarerang,
kumaha katelengesan simkuring
enggoning nganiaya pikeun ngabasmi
jamaah Allah.
14 Basa nyekel keneh agama Yahudi,

— di antara babaturan sabangsa anu


sapantar — dina elmu agama, simkuring
teh pang nyongcolangna tur pang
kukuhna kana adat tali paranti karuhun.
15 Tapi sihoreng, ti keur dikakandung

keneh ku indung, simkuring teh ku Allah


nu sipat murah geus dipilih geusan
dijadikeun abdi-Na.
16 Mantenna kersa ngawanohkeun

Putra-Na ka simkuring, supaya ku


simkuring saterusna diwanohkeun deui
ka bangsa-bangsa luareun bangsa
Yahudi. Harita, simkuring sama sakali
teu menta nasehat ti pada jalma;
17 rasul-rasul anu saheulaeun oge,

nu araya di Yerusalem, teu kungsi


ditepungan-tepungan acan. Ti dinya
simkuring kencling bae indit ka tanah
Arab, tuluy ka Damsik.
GALATIA 1.18–2.1 4
18 Sanggeus meunang tilu taun,
kencling deui ka Yerusalem pikeun
manggihan anu jenengan Petrus, hayang
meunang laratan. Lima belas poe
simkuring nganjrek di anjeunna.
19 Jeung rasul-rasul sejenna mah,

iwal ti Yakobus, — saderek-Na Isa,


Gusti Jungjunan urang — teu kungsi
papanggih.
20 Ieu nu dicaritakeun teh, lain jijieunan.

Allah ku Manten Saksina!


21 Ti Yerusalem, simkuring, laju deui

ka daerah basisir di tanah Siria jeung


Kilikia.
22 Sedengkeun jeung anggota-anggota

jamaah di Yudea mah, simkuring teh teu


kungsi wawawuhan heula.
23 Aranjeunna ukur ngadenge bejana

bae, yen si tukang-nganiaya-jamaah teh,


ayeuna mah geus malik ngawawarkeun
kapercayaan anu tadina ku manehna rek
dibasmi tea.
24 Aranjeunna maruji sukur ka Allah

tina sabab simkuring geus dikersakeun


babalik pikir.
1 Heuleut opat belas taun ti harita,

2 simkuring, Barnabas, jeung Titus,


tiluan, ka Yerusalem deui.
GALATIA 2.2–6 5
2 Ka ditu teh lantaran meunang
pituduh ti Allah. Dina hiji riungan
jeung rasul-rasul anu parenting tea,
simkuring medar pangalaman nginjilan
bangsa-bangsa sejen. Hal ieu pikeun
mastikeun, yen sakur anu eukeur jeung
anu enggeus dipigawe ku simkuring teh,
teu mubadir atawa nyalahan.
3 Dalah batur sorangan oge anu

ngaranna Titus, urang Yunani tea, ku


simkuring henteu diwajibkeun disunat,
4 sanajan sawatara dulur-dulur

ngadongsok supaya manehna disunat.


Sihoreng, anu ngariribut teh jelema-
jelema Masihi keneh, tapi anu ngan
ngaranna wungkul; maranehna
teh nyulusup rek nalungtik rasiah
kamerdikaan umat Al Masih. Karepna
mah, urang teh rek dijieun kawula deui.
5 Tapi simkuring teu mundur, supaya

kayaktian Injil tetep weuteuh pikeun


aranjeun.
6 Tapi ari jelema-jelema anu kaasup

penting tea (saenyana pikeun simkuring,


jelema mah najan tadina sakumaha
pentingna oge taya bedana; da Allah
mah, tara nilik kana harkat), ahir-ahirna
GALATIA 2.7–10 6
mah, aranjeunna teu ngaraos kaabotan
naon-naon ka simkuring teh.
7 Malah sabalikna, kahartoseun, nya

yen kawajiban simkuring teh nginjilan


nu lain bangsa Yahudi; sakumaha Petrus
sakanca-kancana anu kapapancenan
nginjilan urang Yahudi.
8 Sabab sakumaha Petrus, ku Allah,

dikawasakeun nginjilan bangsa Yahudi;


simkuring ge, geus dikawasakeun ku
Mantenna teh jadi rasul anu baris
nginjilan bangsa-bangsa sejen.
9 Ahirna mah, ku Yakobus, Petrus, jeung

Yahya, — anu kasarebat jaradi pamingpin


jamaah — diangken yen Allah parantos
maparin tugas husus ka simkuring.
Aranjeunna sasalaman ka simkuring
jeung Barnabas tandaning geus aya
kasaluyuan: Simkuring nginjilan bangsa-
bangsa sejen, aranjeunna nginjilan
urang Yahudi.
10 Pamundut ti aranjeunna ngan sarupa,

nya eta supaya simkuring oge inget ka


anggota-anggota cepengan aranjeunna
anu mariskin; nya memang, da hal eta
mah, ku simkuring teh geus diusahakeun
satekah polah.
GALATIA 2.11–14 7
11 Tapi waktu Petrus di Antioki, ku
simkuring kapaksa diweweleh, bongan
lepat.
12 Harita anjeunna teh keur ngiring

riungan tuang; berjamaah bareng


jeung dulur-dulur ti golongan anu teu
disunat. Teu lila, aya sababaraha urang
utusanana Yakobus daratang. Ngadak-
ngadak Petrus pindah calikna mencilkeun
maneh, sieun dinaha-naha ku eta anu
arumangkeuh jadi pahlawan-pahlawan
sunat tea.
13 Nepi ka dulur-dulur urang Yahudi anu

sejenna, jadi sarua munapekna jeung


anjeunna. Malah Barnabas pisan oge
kabawakeun.
14 Ku sabab peta kitu teh, tetela

papalimpang jeung eusining Injil; tuluy


bae ku simkuring, harita keneh sarta di
hareupeun umum, Petrus diweweleh.
Ceuk simkuring: “Anjeun teh urang
Yahudi, nanging hirup anjeun niron-niron
adat bangsa sejen, henteu nurutkeun tali
paranti bangsa Yahudi. Atuh pimanaeun
rek tiasa maksa nerapkeun tatakrama
hirup Yahudi ka anu sanes bangsa
Yahudi!”
GALATIA 2.15–19 8
15 Memang, da simkuring mah tulen
bangsa Yahudi, lain bangsa nu aya di
luareun Toret; anu ku bangsa Yahudi
umumna mah, nya disebut bangsa
doraka tea.
16 Tapi papadaning kitu, simkuring ge

terang, yen pangna manusa diangken


bener ku Allah teh lantaran anut ka Isa
Al Masih, lain dumeh nurut kana Toret.
Jadi, simkuring oge pangna diangken
bener ku Allah teh nya ku lantaran anut
ka Isa Al Masih, lain ku dumeh nurut
kana Toret. Ceuk Kitab oge: Euweuh
jelema anu diangken bener ku Allah ku
lantaran nurut kana Toret.
17 Ceuk urang Yahudi mah, nu hayang

diangken bener ku Allah ku jalan anut ka


Al Masih teh dosa; da ceuk maranehna
mah, eta teh ngalanggar Toret. Tah
upama enya kitu, naha eta teh Al Masih
anu jadi sabab? Teu pisan-pisan!
18 Anu jadi dosa tea mah, nya eta:

Lamun sajeroning hayang diangken


bener ku Allah teh ku jalan ngalakonan
deui Toret anu ku simkuring geus
dipiceun tea.
19 Ku sabab simkuring ayeuna mah

geus kawengku ku hukum anyar, atuh


GALATIA 2.20–3.3 9
tina hukum Toret mah simkuring teh
geus sirna; da simkuring mah geus
masrahkeun hirup ka Allah ku lantaran
geus milu digantung jeung Al Masih.
20 Ku kituna, anu hirup di simkuring

teh geus lain simkuring sorangan deui,


tapi saenyana mah Al Masih anu ngancik
di jero diri simkuring. Hirup simkuring
anu kiwari teh, estu ku karana iman
ka Nu jumeneng Putra Allah, anu geus
mikaasih sarta ngorbankeun salira-Na
nalangan simkuring.
21 Eta sih piwelas-Na ku simkuring,

tangtu moal ditolak. Sabab upama urang


bisa salamet kulantaran hukum Toret,
atuh pangorbanan Al Masih dugi ka
pupusna teh, mubadir bae!
1 Ku barodona aranjeun, urang

3 Galata! Aranjeun teh kasasarkeun


ku saha, atuh? Kapan sakitu ecesna
simkuring nerangkeun ngeunaan hal Isa
Al Masih anu geus disalibkeun teh.
2 Cik ieu jawab: Aranjeun nepi ka bisa

diancikan ku Ruh Allah teh, naha pedah


nurut kana parentah Toret atawa ku
sabab percaya kana wawaran Injil?
3 Aya ku kituna teuing bararodo teh!

Aranjeun teh geus ngamimitian hirup


GALATIA 3.4–8 10
nu alus, nya nurutkeun panuyun Ruh
tea; naha ari ahirna, bet, aranjeun teh,
rek balik deui nurutkeun sakumaha adat
tabeat manusa!
4 Naha rek disina percumah bae eta

pangalaman aranjeun anu sakitu matak


balangsakna teh? Asa piraku teuing!
5 Allah, ka aranjeun, geus maparinkeun

Ruh-Na kalawan taya wates wangenna


tur loba pisan mujijat-Na anu geus
dipidamel di lingkungan aranjeun. Naha
eta teh pedah aranjeun tuhu kana Toret
atawa lantaran aranjeun percaya kana
eusina Injil?
6 Sing inget ka Nabi Ibrahim, kumaha

Ungeling Kitab Suci ngeunaan Ajeunna:


“Ibrahim, disebat jelema bener
teh, lantaran anjeunna percaya ka
Mantenna.”
7 Jadi, sing saha anu percaya ka Allah,

eta kaasup turunan Ibrahim.


8 Dina Kitab Suci geus ti anggalna keneh

ditetelakeun, yen sakur anu percaya,


najan bangsa sejen oge baris diangken
bener. Eta sababna, ti anggalna keneh
oge uaran Injil teh ku Kitab Suci geus
ditepikeun ka Ibrahim. Ungelna kieu:
GALATIA 3.9–13 11
“Ku lantaran maneh, sakabeh bangsa
baris kaberkahan.”
9 Tegesna, sakur anu keur hirupna

percaya kawas Ibrahim, tinangtu


meunang berkah.
10 Sabalikna, anu ngarepkeun salamet

ku nedunan hukum Toret mah,


hirupna teh kaancam ku hukuman.
Sabab cek Kitab Suci ge kieu: “Pasti
kahukum, jelema anu henteu enya-enya
ngimankeun sakabeh parentah hukum
Toret.”
11 Tetela, yen ku lantaran Toret mah teu

aya pisan jelema anu diangken bener ku


Allah. Sabab ceuk Kitab Suci: “Jelema
anu diangken bener ku Allah ku lantaran
iman kapercayaan, tangtu hirup.”
12 Antara Toret jeung iman kapercayaan

teh taya pisan patalina, sabab ceuk Toret


mah: Hirup teh, gumantung kana amal
pagawean anu luyu jeung ungel Toret.
13 Urang, ku Al Masih, geus dibebaskeun

tina panyapa hukum Toret; nya ku jalan


Al Masih ku anjeun nandangan eta
panyapa pikeun nalangan urang. Sabab
geus kaungel kieu: “Sing saha anu
digantung dina salib, eta teh jalma
kasapa!”
GALATIA 3.14–18 12
14 Pangna Isa Al Masih disalib teh,
nya eta pikeun bangsa-bangsa anu lain
Yahudi oge milu kaauban berkah anu
dipaparinkeun ka Ibrahim tea. Upama
urang percaya kana hal ieu, Ruh anu
dijangjikeun Allah teh tangtu katarima.
15 Dulur-dulur, ngeunaan wasiat

Allah tea, urang nyokot conto tina


hirup sapopoe. Hiji wasiat anu geus
disahkeun, ku sing saha bae ge moal
bisa dibatalkeun atawa ditambahan
eusina.
16 Jangji Allah anu ditujukeun ka

Ibrahim, nujul oge ka salah saurang


turunan anjeunna. Sing tenget, lain ka
sakabeh turunan anjeunna, tapi ka salah
saurang turunan anjeunna. Jadi, ngan
saurang, henteu kabeh. Eta anu saurang
teh, nya eta Al Masih.
17 Anu dimaksud ku simkuring teh kieu:

Allah maparin wasiat anu pamohalan bisa


dibatalkeun atawa leungit kakuatanana
ku hukum Toret. Sabab Toret mah,
medalna teh pandeuri, kaheuleutan opat
ratus tilu puluh taun.
18 Ari sih kurnia Allah gumantung kana

Toret mah, atuh di luareun perjangjian


Allah. Padahal geus tetela, Allah
GALATIA 3.19–23 13
maparinkeun sih kurnia-Na ka Ibrahim
teh, estu pikeun ngalaksanakeun Wasiat
Mantenna.
19 Lamun kitu, naon atuh gunana

Hukum Toret? Toret mah pikeun


ngalengkepan undang-undang lantaran
lobana palanggaran; sipatna ngan
keur saheulaanan, memeh turunan
anu dijangjikeun tea gumelar. Toret
diturunkeunana ku malaikat-malaikat;
ditepikeunana ka hiji wawakil.
20 Anu diwakilanana, tangtu lain jelema

saurang. Sedeng Allah teh hiji.


21 Lamun kitu, meureun Toret teh jadi

patonggong-tonggong jeung jangji Allah


tea? Sama sakali henteu! Upama Toret
kawasa mere hirup ka manusa; atuh,
anu hayang diangken bener ku Allah teh
geus cukup ku nedunan parentah Toret.
22 Tapi Kitab Suci nerangkeun, yen

sakumna umat manusa teh hirupna


dikungkung ku kawasa dosa, supaya
sakur anu percaya sarta iman ka Al
Masih bisa dipaparin wasiat nu geus
dijangjikeun tea.
23 Sajeroning iman acan digelarkeun

mah, hirup urang teh kawengku ku Toret


GALATIA 3.24–29 14
sarta aya dina kungkunganana, nepi ka
eta iman tea medal.
24 Ku sabab eta, Toret teh ngan

mangrupa hiji pituduh wungkul; nya anu


nungtun urang ka Al Masih tea; tapi ku
lantaran percaya tea, saenyana mah,
urang bisa diangken bener ku Allah teh.
25 Kiwari, iman teh geus aya di urang;

ku kituna, urang teh geus teu kawengku


ku anu nungtun tea.
26 Ku sabab percaya ka Isa Al Masih,

urang teh ayeuna dijadikeun putra-putra


Allah.
27 Sabab aranjeun, sakur anu dibaptis,

— anu geus manunggal jeung Al Masih


tea — geus kaancikan sipat-sipat Al
Masih.
28 Dina sual ieu mah, teu aya bedana

deui, boh urang Yahudi, boh urang


Yunani, boh nu kumawula, boh jalma
merdika, boh lalaki, atawa awewe;
kabeh ge geus sabeungkeutan ku
lantaran iman ka Isa Al Masih.
29 Upama urang geus jadi kagungan

Al Masih, urang oge kaasup turunan


Ibrahim, ahli waris anu boga hak narima
warisan sakumaha jangji Allah tea.
GALATIA 4.1–7 15
1 Simkuring perlu nerangkeun:
4 Sanajan geus jadi ahli waris, tapi
ari can cukup umur mah, teu beda
kaayaanana ti badega.
2 Memeh cunduk kana waktu anu geus

ditangtukeun ku bapana, urusanana


dikawasakeun ka walina.
3 Urang oge nya kitu keneh. Samemeh

jiwa sawawa mah, kageugeuh ku rupa-


rupa kapercayaan kana kakawasaan anu
ngatur dunya.
4 Tapi sanggeus cunduk kana waktuna,

Allah ngutus Putra-Na, nu dilahirkeun ku


salah saurang wanoja sarta kaereh ku
hukum Toret.
5 Anjeunna diutus teh, nya pikeun

nebus sakur anu kabawah ku hukum


Toret tea, supaya bisa diangkat jaradi
putra-Na.
6 Buktina yen urang jadi putra-Na

teh, nya eta hate urang geus kawidian


diancikan ku Ruh Putra-Na, Nu nyambat
kieu ka Allah: “Ama, nun Ama!”
7 Ayeuna dulur-dulur teh geus lain

kawula deui, tapi geus jaradi putra Allah,


ahli-ahli waris Allah. Wajib urang muji
sukur.
GALATIA 4.8–14 16
8 Basa can terang ka Allah mah,
dulur-dulur nyembah teh sama sakali
lain ka Allah.
9 Tapi sanggeus tarerang ka Allah

mah, atawa leuwih hade, mun disebut


sanggeus diangken ku Allah; naha
aranjeun teh, bet, baralik deui kana
kakuatan alam anu taya kawasana?
Naha rek kumawula deui ka anu karitu?
10 Make aya poe-poe, bulan-bulan,

waktu-waktu, jeung taun anu kacida


dimumule sarta dipusti-pustina ku
aranjeun!
11 Estu, eta teh, matak salempang;

boa-boa sakabeh usaha simkuring


pikeun aranjeun teh, mubadir bae.
12 Kahayang mah, dulur-dulur sing

kawas simkuring; da simkuring oge geus


jadi sarua jeung aranjeun. Aranjeun teh
can kungsi neungteuinganan.
13 Tangtu aranjeun ge aringet keneh,

kumaha asalna simkuring nginjilan ka


aranjeun teh, nya eta lantaran simkuring
katarajang panyakit.
14 Awak simkuring ruksak ku panyakit,

tapi ditarima sarta diaku ku aranjeun


kalawan taya semu-semu jejereged
atawa geuleuh; sabalikna tea, nya
GALATIA 4.15–19 17
aranjeun teh dagdag-degdeg pikeun
ngabageakeun simkuring kawas ka
utusan Allah, malah kawas ka Isa Al
Masih ku anjeun.
15 Tur kituna teh bari jeung ngarasa

bagja. Kumaha ari ayeuna masih keneh


kitu? Harita mah, cek wiwilanganana,
mun heug nepi ka kudu nyokel panon
keur kaperluan simkuring, aranjeun mo
burung iklas.
16 Ayeuna pedah simkuring ngomong

satarabasna, naha rek diaranggap


musuh?
17 Jelema-jelema anu dicaritakeun ku

simkuring teh, memang pohara geten


tulatenna ka aranjeun. Tapi tekadna taya
nu jujur. Saenyana mah, maranehna teh
rek misahkeun aranjeun ti simkuring;
nya rek narik aranjeun, supaya biluk ka
maranehna.
18 Geten tulaten teh alus, asal jujur.

Malah kudu salawasna kitu, ulah ngan


ari keur katungkulan ku simkuring bae.
19 Anaking! Sapanjang Al Masih acan

breh ngajanggelek dina hirup aranjeun,


simkuring teu weleh paur, lir paurna nu
rek ngajuru.
GALATIA 4.20–26 18
20 Simkuring hayang geura-geura
pajonghok, hayang cacarita beda ti
ayeuna. Pohara salempangna simkuring,
ku aranjeun teh.
21 Pedah dulur kawas nu resep kabawah

ku Toret, simkuring hayang nyaho: Sok


digugu atawa henteu parentahna?
22 Cek Kitab, Ibrahim kagungan putra

dua, nu saurang ti abdina nu awewe,


nu saurang deui ti geureuhana, turunan
jalma merdika.
23 Putra ti abdina, nu awewe,

dilahirkeunana ku jalan anu lumrah bae;


sabalikna, putra ti geureuha, turunan
merdika mah, dilahirkeunana teh asal
tina kawasaning jangji Allah.
24 Ieu teh, ngandung harti anu jero.

Istri anu dua eta teh, ngupamakeun


dua perjangjian Allah. Nu saurang, nu
ngaran Hajar, asal ti Gunung Sinai;
anu anak-anakna baris jadi jalma-jalma
kumawula.
25 Hajar teh ngupamakeun Gunung

Sinai, anu pernahna di tanah Arab; jadi,


hal eta teh perlambang Yerusalem kiwari,
anu hirupna saanak-anak kumawula.
26 Geureuhana, nya nu saurang deui

tea; anjeunna teh, wanita golongan


GALATIA 4.27–5.1 19
jalma merdika, hal eta teh perlambang
Yerusalem ti kalanggengan, anu mawa
kamerdikaan. Urang ngindung teh ka
dinya.
27 Sabab kieu cek Kitab: “Eh, nu gabug,

nu teu boga anak, sing suka bungah. Eh,


nu can ngarasa nyerina ngajuru, masing
gerah. Sabab awewe anu nunggelis
teh, anak-baranahanana bakal leuwih ti
batan awewe anu baroga salaki.”
28 Aranjeun oge kawas Isak bae, dulur-

dulur, nya eta anak tina perjangjian


Allah.
29 Tapi teu beda ti baheula, kiwari ge

kitu: Anu diyugakeunana ku jalan lumrah


teh, bet, nganiaya ka nu diyugakeunana
ku karana kawasa Ruh Allah.
30 Padahal, kumaha cek Kitab Suci?

Kieu: “Eta badega awewe katut anakna


sina ingkah. Sabab anak ti manehna
mah, moal dijieun ahli waris kawas anak
ti wanita anu merdika.”
31 Ku kituna dulur-dulur, urang teh lain

turunan nu asal ti wanita anu kumawula.


Urang mah, turunan nu asal ti wanita
golongan jalma merdika.
1 Urang teh geus ditebus ku Al

5 Masih, supaya jadi jelema merdika.


GALATIA 5.2–8 20
Pageuhan eta kamerdikaan ti Al Masih
teh, ulah beunang dijieun deui budak
beulian!
2 Simkuring, Paulus, ngingetan: Lamun

aranjeun kudu disunatan keneh mah,


atuh euweuh hartina Al Masih pikeun
aranjeun teh!
3 Sakali deui, sing inget: Sing saha anu

disunatan, wajib tunduk kana sakabeh


hukum Toret.
4 Hayang jadi jelema bener ku jalan

tunduk kana Toret mah atuh leupas ti Al


Masih, pegat tina sih kurnia Allah.
5 Kapan bisa ngaharep diangken bener

teh, ngan ku pitulungna Ruh sarta ku


karana iman.
6 Sabab manunggal jeung Al Masih

mah, disunatan atawa teu disunatan oge


taya bedana. Nu penting mah darmaning
iman anu kajurung ku rasaning kanyaah.
7 Sakitu suhudna aranjeun bareto

mah nyorang jalan anu bener teh. Ku


naon henteu diteruskeun? Saha anu
ngarobahna?
8 Robahna kalakuan aranjeun kitu teh,

lain ku kersaning Allah anu geus nyaur


aranjeun tea.
GALATIA 5.9–14 21
9 Cek babasan: “Ragi saeutik matak
beukah saadonan.”
10 Simkuring yakin, dumeh aranjeun

papada sa-Gusti baris sapikiran jeung


simkuring. Saha bae anu ngarobah
aranjeun jadi kitu, tangtu kabendon ku
Allah!
11 Jeung deui, dulur-dulur, upama

simkuring ngajarkeun yen disunat teh


wajib hukumna, piraku simkuring teh
tetep diarah-arah rek dikaniaya ku
maranehna? Lamun enya kitu, atuh
pangajaran simkuring ngeunaan salib
teh moal diaranggap tatajongan deui ku
maranehna!
12 Hadena mah, maranehna, nu sok

ngahasud ka aranjeun teh, sina ngabiri


dirina sorangan bae!
13 Kapan aranjeun mah, dulur-dulur,

geus disaur ka alam merdika. Cik, eta


kamerdikaan teh ulah dipake nyimbutan
lampah doraka. Anggur pake silih
tulungan bari silih pikaheman.
14 Kapan parentah Toret oge,

kabehanana, geus kawengku ku hiji


timbalan anu unina: “Kudu nyaah ka
batur lir ka awak sorangan.”
GALATIA 5.15–21 22
15 Ari silih cakar atawa silih reweg
kawas sato mah, ahirna mah matak silih
legleg. Kahade, sing waspada!
16 Ku sabab eta, hirup teh kudu

nurutkeun Ruh, supaya ulah kaereh ku


pangajak napsu.
17 Ari pangajak napsu teh, salawasna

ge, ngalawan bae kana pangersana


Ruh. Kitu deui Ruh, nya ngalawan oge
kana pangajak napsu teh. Duanana silih
lawan, temahna aranjeun hamo bisa
ngalampahkeun naon-naon, sakumaha
cita-cita.
18 Tapi upama aranjeun pasrah kana

panuyun Ruh, moal keuna ku hukum


Toret.
19 Buah-buahna pangajak napsu teh

nya eta: Rucah, jinah, ngalajur napsu,


20 muja brahala, ngelmu sihir,

mumusuhan, pasea, sirik-pidik,


panasan, mentingkeun maneh, resep
ribut, ngabengkahkeun,
21 hiri dengki, resep mabok, sukan-

sukan balakecrakan, jeung salian ti


eta. Sakumaha anu enggeus-enggeus,
simkuring ayeuna ngelingan sakali deui:
Sing saha anu lampahna kitu, hamo
meunang tempat di Karajaan Allah.
GALATIA 5.22–6.3 23
22 Ari buah-buah padamelan Ruh, nya
eta: Nyaahan, gumbira, tengtrem hate,
sabar, karunyaan, hade lampah, satia,
23 darehdeh, kuat mengkek napsu.

Kabeh oge taya anu patonggong-


tonggong jeung hukum.
24 Saha bae anu geus anut ka Al

Masih, sagala napsu jahatna katut


angen-angenna nu goreng teh, geus
paeh digantung dina salib.
25 Upama urang hirup teh ku pangawasa

Ruh, atuh kudu nurut kana panuyun


Ruh.
26 Kahade, ulah malar kahormatan

tanpa guna, ulah silih kakalakeun, sarta


ulah silih dengkian.
1 Dulur-dulur, upama aya jelema anu

6 kaperegok migawe anu teu bener; ku


aranjeun teh, anu ariman keneh, kudu
dipapatahan sing sareh; bari aranjeun
sorangan ngajaga diri, bisi keuna ku
gogoda.
2 Aranjeun teh, enggoning nedunan

patokan ti Al Masih, kudu silih tulungan


sarta silih sundang babawaan jeung
pada batur.
3 Jalma anu ieu aing, padahal taya

naon-naonna, sasat ngabobodo maneh.


GALATIA 6.4–11 24
4 Masing-masing kudu naliti laku
lampahna pribadi. Dina karasa yen hade,
rarasakeun ku sorangan bae, teu kudu
dibanding-banding jeung kalakuan batur.
5 Sabab unggal jalma, boga pasualan

masing-masing.
6 Anu rumasa yen geus meunang

pangajaran tina hal dawuhan Allah, kudu


boga pamulang tarima nu hade ka nu
ngajarna.
7 Kahade, ulah boga pikir yen Allah

beunang dibobodo. Naon anu dipelak ku


urang, eta nu baris kapetik.
8 Lamun urang pepelakan dina hawa

napsu, anu baris kapetik teh, tangtu


anu temahna matak paeh jeung binasa.
Sabalikna, lamun pepelakan dina Ruh,
anu baris kapetikna teh, nya eta hirup
anu langgeng.
9 Ulah bosen-bosen melak kahadean

mah; sabab eta pepelakan urang teh,


dina waktuna, pasti kapetik hasilna
upama urangna teu lanca-linci.
10 Ku sabab eta, ka saha-saha ge sing

sabisa-bisa nyieun kahadean, komo ka


batur nu saiman mah.
11 Tengetkeun nu aksarana baradag! Eta

teh beunang nulis simkuring sorangan!


GALATIA 6.12–17 25
12 Jalma-jalma anu ngudukeun aranjeun
disunatan teh, — kabeh oge — ngan ukur
jalma-jalma nu hayang kapuji, malar
ulah milu dikaniaya ku tina lantaran salib
Al Masih.
13 Maranehna teh, sanajan disarunatan

oge, hirupna mah teu tuhu kana hukum


Toret. Maranehna mamaksa ka aranjeun
ngudukeun disunatan teh, nya hayang
kapuji tea, yen maranehna geus bisa
ngeunakeun eta ciri lahir ka aranjeun.
14 Moal aya anu rek dipake agul ku

simkuring mah, iwal ti salib Isa Al Masih


anu jadi lantaran dunya teh pikeun
simkuring mah geus paeh digantung;
kitu deui, simkuring pikeun dunya.
15 Jadi, boh disunatan boh henteu,

sarua taya hartina. Tapi anu penting


mah, nya eta sual geus ngajadi mahluk
anu dianyarkeun deui.
16 Mugia sakabeh, sakur anu hirupna

nurutkeun ieu patokan, kitu deui urang


Israil, umat kagungan Allah dipaparinan
rahmat jeung karahayuan.
17 Ti semet ayeuna, hayang teh,

aranjeun ulah ngarurudet deui simkuring


ku rupa-rupa kasusah. Lantaran
enggoning kumawula teh, diri simkuring
GALATIA 6.18 26
mah geus pinuh ku ceda-ceda tatuna
salira Al Masih.
18 Dulur-dulur, mugi-mugi Gusti

Jungjunan urang, Isa Al Masih,


maparinkeun sih kurnia-Na ka aranjeun,
lahir batin. Amin.
Efesus
1 Ti Paulus, rasul Al Masih kalawan
1 kersaning Allah. Kahatur dulur-dulur
saiman di Epesus anu saratia ka Isa Al
Masih.
2 Mugi dulur-dulur ginuluran rahmat

katut karahayuan ti Allah, nya eta Rama


urang, jeung ti Isa Al Masih, Gusti
Jungjunan urang.
3 Puji sukur ka Allah, - Rama Isa Al

Masih, Gusti Jungjunan urang - Anu geus


maparinan berkah rohani ti sawarga
lantaran urang raket ka Al Masih.
4 Ti samemeh alam dunya diciptakeun,

Allah - dina katunggalana-Na jeung Al


Masih - parantos mutuskeun ngangkat
urang, supaya jadi umat-Na anu suci tur
taya kuciwana di payuneuna-Na.
5 Ku karana sih piwelas-Na, urang teh

geus ditakdirkeun baris diangken jadi


putra-putra-Na ku karana Isa Al Masih,
saluyu jeung pangersa-Na anu agung.
6 Sadaya puji kagungan Allah sabab

kamulyaan sih kurnia-Na, nu geus


dinugrahakeun ka urang. Eta teh,
EFESUS 1.7–11 2
ku lantaran kamanunggalan urang
jeung Anjeunna, Isa Al Masih, nya anu
dipikaasih ku Allah tea.
7 Nya dina kamanunggalan eta oge,

- Ku jalan pupusna Al Masih - urang


geus dibebaskeun, nya dosa urang
teh dihampura; eta teh luyu sareng
kajembaranana sih kurnia Allah,
8 anu dipaparinkeun ka urang dina

sagala rupa kawijaksanaan jeung


pangarti.
9 Mantenna nganyatakeun rasiah

pangersa-Na ka urang teh, saluyu jeung


maksad anu memang geus dikandung
sajeroning panggalih,
10 anu tanwande dilaksanakeun dina

waktuna, nya eta ngabeungkeut sakuliah


jagat ka salira Al Masih; saniskara anu
aya di sawarga jeung di bumi baris
disatunggalkeun ka Al Masih sabab
Anjeunna teh, nya kapala tea.
11 Nya dina kamanunggalan jeung Al

Masih oge, simkuring sapara kanca —


anu asal ti bani Israil — geus kapilih, ti
mimitina, baris jadi ahli waris-Na. Kitu
ditetepkeunana ku Allah, Anu kawasa
ngalaksanakeun sagala pangersana-Na.
EFESUS 1.12–17 3
12 Maksad-Na, supaya bani Israil anu
pangheulana ngarep-ngarep ka Al Masih
— ngajadi lantaran sangkan jalma-jalma
ngamulyakeun ka Allah Nu Maha Agung.
13 Dina kamanunggalan jeung Al

Masih oge, Aranjeun teh percaya


sanggeus meunang uaran anu sajatina
hal pisalameteun aranjeun; dina
kamanunggalan jeung Al Masih oge,
Aranjeun teh, geus diterapan cap Ruh
Allah sakumaha anu geus dijangjikeun.
14 Ruh Allah teh, jadi pamanjer

tina warisan urang, pamanjer


tina kamerdikaan umat Allah
anu sagemblengna. Hayu urang
ngamulyakeun kaagungan Allah.
15 Simkuring oge nguping, tina hal

kapercayaan aranjeun ka Al Masih tur


sakumaha mikanyaahna aranjeun ka
sakabeh umat kagungan Allah.
16 Ku hal eta, taya wiwilanganana,

simkuring nya nganuhunkeun ka


Mantenna; unggal-unggal neneda oge
simkuring sok mangnedakeun aranjeun,
17 supaya Allah, - Panutan Isa Al Masih,

Gusti Jungjunan urang - Rama Nu


kagungan sagala puji, maparin pangarti
EFESUS 1.18–22 4
jeung pituduh ka aranjeun sangkan
leuwih ngarti kana pangersa-Na.
18 Kitu deuih, aranjeun oge, sina

dicaangkeun pikir malar bisa ngaharti


kana wujudna anu jadi pangarep-arep
sanggeus disaur ku Allah. Lian ti eta,
supaya aranjeun oge ngarasa kumaha
rosana sarta agungna sih kurnia-Na anu
baris dipaparinkeun ka umat-Na;
19 Satuluyna, kumaha rongkahna eta

kakawasaan Mantenna anu barangdamel


di kalangan urang anu percaya.
20 Kakawasaana-Na teh, nya eta anu

ku Mantenna dianggo ngagugahkeun


Al Masih ti nu maraot sarta anu
ngalinggihkeun Anjeunna di tengeneuna-
Na di sawarga;
21 Anjeunna teh dipunjulkeun ti sakabeh

raja, parapangawasa, gegeden-gegeden,


jeung pamarentah-pamarentah;
Anjeunna oge ngungkulan sakabeh
jeneng, boh nu aya di jaman kiwari, boh
engke ka hareup.
22 Al Masih ku Allah diserenan sagala-

galana, dijungjung pangluhurna, sarta


dipaparinkeun ka jamaah sangkan jadi
Gustining saniskara.
EFESUS 1.23–2.6 5
23 Ku sabab eta, jamaah teh
jadi wujudna salira Al Masih, jadi
sampurnaning kamulyaan Anjeunna anu
minuhan satungkebing alam.
1 Bareto, dulur-dulur teh sasat geus

2 paraeh ku kasalahan jeung ku dosa


sorangan.
2 Aranjeun teh, hirup dina eta

kadorakaan sabab nurutkeun hawa


dunya, muhit ka roh-roh gaib anu
jarahat. Eta roh-roh jahat teh geus
ngageugeuh jelema-jelema anu kiwari
ngalawan ka Allah.
3 Hirup urang oge, bareto mah, nya

cara kitu: Ngalajur napsu, ngumbar


kahayang, sagala angen-angen hate,
jeung pikiran jahatna diabur; sarua
jeung nu sejen, anu pantes meunang
hukuman ti Allah.
4 Tapi Allah teh pohara mikawelasna,

pohara miasihna.
5 Urang anu sasatna geus paeh ku

kadorakaan teh, dihirupkeun deui bareng


jeung digugahkeunana Al Masih. Nya ku
lantaran sih kurnia Allah pisan nu matak
aranjeun salamet teh.
6 Ku manunggalna jeung Isa Al Masih,

ku Allah, urang teh dihirupkeun deui


EFESUS 2.7–12 6
sarta dipasihan tempat di sawarga
bareng jeung Al Masih.
7 Eta teh pikeun nembongkeun ka

urang, yen welas asih Allah anu geus


dinyatakeun ku Al Masih teh, salilana
jembar taya papadana.
8 Aranjeun bisa salamet soteh, nya

ku sabab iman. Eta teh, ngan ku


lantaran sih kurnia-Na bae; lain beunang
sorangan, tapi estu anugrah ti Allah!
9 Lain beunang ihtiar aranjeun

sorangan! Ulah pisan aya anu boga


angkeuhan kitu!
10 Sabab urang mah darma dadamelan

Allah, anu geus diciptakeun deui dina


kamanunggalan jeung Al Masih pikeun
ngalampahkeun kahadean, nu parantos
disayagikeun ku Allah, sangkan urang
ngalakonan pangersa-Na.
11 Tadina aranjeun teh henteu kaasup

bangsa Yahudi. Ku urang Yahudi mah,


aranjeun teh disebutna teh bangsa
“kulup;” nya lantaran teu disunat cara
maranehna tea.
12 Sing inget, harita mah, hirup

aranjeun teh jauh ti Al Masih; aranjeun


teh, luareun warga Israil keneh, nya
eta acan kawengku ku katangtuan-
EFESUS 2.13–17 7
katangtuan anu ku Allah dijangjikeun ka
bangsa Israil tea. Hirup aranjeun teh,
aya dina hiji alam anu sama sakali teu
ngandung harepan tur tanpa Allah.
13 Sukur, ayeuna mah aranjeun teh geus

manunggal jeung Isa Al Masih: Tadina


mah jauh, tapi ayeuna jadi padeukeut,
ku lantaran getih Al Masih.
14 Al Masih anu ngaruntutkeun urang,

anu nyatunggalkeun bangsa Yahudi


jeung nu lain bangsa Yahudi supaya
jadi sabangsa, ku jalan nyirnakeun rasa
mumusuhan nu jadi pamisahna.
15 Anjeunna ngorbankeun salira-Na,

dianggo gaganti hukum Toret katut


sagala aturan jeung sarat-saratna.
Bangsa Yahudi jeung nu lain Yahudi
ku Anjeunna dirapihkeun. Ku salira-Na
dua golongan bangsa teh disina ngahiji,
dijadikeun hiji wangunan manusa anyar.
16 Ku ngorbankeun salira-Na, nya pupus

disalib tea, maranehna jadi tunggal


sabadan, diangken deui ku Allah, sarta
rasa mumusuhanana disirnakeun.
17 Sumpingna Al Masih teh

ngadatangkeun beja pibungaheun


hal karapihan, boh ka nu jauh, boh ka
nu deukeut.
EFESUS 2.18–3.2 8
18 Nya ku karana Al Masih, nu Yahudi
jeung nu lain Yahudi dibeungkeut dina
hiji Ruh sarta widi dumeuheus ka Allah
nu jumeneng Rama.
19 Ku kituna, aranjeun teh geus lain

bangsa deungeun anu teu ngabogaan


hak naon-naon. Ayeuna mah, aranjeun
teh geus jadi warga umat Allah,
anggahota kulawargi Mantenna,
20 anu diadegkeun dina hiji pademen

beunang rasul-rasul jeung nabi-nabi;


sedengkeun nu jadi batu pamageuhna,
nya Al Masih ku anjeun.
21 Nya salira Al Masih anu jadi

pamageuh adegan sagemblengna, nepi


ka ngajengleng ngajadi hiji bait Allah
anu suci.
22 Ku jalan manunggal jeung Al Masih,

aranjeun oge diadegkeun jadi hiji


wangunan panglinggihan Ruh Allah.
1 Simkuring, Paulus, pangna

3 dipanjara teh geus kersaning Isa Al


Masih keur kapentingan aranjeun, anu
lain bangsa Yahudi.
2 Sakumaha dulur-dulur oge terang, yen

Allah nu sipat welas asih teh, maparin


tugas ka simkuring kudu digawe pikeun
kapentingan aranjeun.
EFESUS 3.3–8 9
3 Pamaksadan Allah anu gaib teh, geus
diwahyukeun ka simkuring; sakumaha
nu geus dipedar saperluna dina surat
simkuring.
4 Mun eta geus dibaca, tanwande ku

dulur-dulur kagambarkeun nepi ka mana


simkuring terang kana eta rasiah hal Al
Masih teh.
5 Baheula-baheula mah, can aya

anu dibere nyaho rasiahna teh. Tapi


kiwari, eta rasiah teh, ku Ruh Allah
geus diwahyukeun ka rasul-rasul sarta
nabi-nabi-Na anu sajati.
6 Rasiahna kieu: Bangsa-bangsa anu

lain Yahudi, ku jalan manunggal jeung


Isa Al Masih — ku sabab diwawaran
Injil — baris disaruakeun jeung urang
Yahudi: Nya jadi sawaris, sabadan, jeung
meunang bagian tina perjangjian Allah
ge babarengan.
7 Kalayan kurnia Allah, nya simkuring

anu dikersakeun ngawawarkeunana,


numutkeun kakawasaan Mantenna.
8 Nya simkuring, anu panglaipna ti

sasama abdi Allah, geus dipaparin


kurnia pikeun ngawawarkeun eta Injil;
hususna mah, ka dulur-dulur, — nya
nu lain bangsa Yahudi tea — pikeun
EFESUS 3.9–15 10
ngembarkeun yen Al Masih teh sugih
taya babandinganana.
9 Oge pikeun mere terang, kumaha

ngalaksanakeunana eta rasiah Allah —


Anu nyipta sajagat raya — anu geus
dirasiahkeun mangabad-abad lilana.
10 Tapi ari kiwari mah, ku jamaah, eta

saniskara hikmat kawijaksanaan Allah


teh kudu diwawarkeun ka parapimpinan
sarta pangawasa sawarga;
11 sapagodos jeung pamaksadan Allah

anu dikandung geus mangabad-abad


tea, anu kiwari geus laksana ku Isa Al
Masih, Gusti Jungjunan urang.
12 Ku jalan manunggal sarta iman ka

Al Masih, urang teh widi ngadeuheus ka


Allah kalawan hate yakin.
13 Ku sabab eta, pamenta simkuring,

aranjeun ulah rek leutik hate pedah


simkuring kabalangsak. Malah kudu
dipake gede hate lantaran hal eta teh,
nya keur kapentingan aranjeun.
14 Ku sabab eta, simkuring tapak deku

ka Allah, Rama,
15 anu maparin ngaran ka sakabeh

golongan anu aya di sawarga jeung di


bumi.
EFESUS 3.16–4.1 11
16 Simkuring muntang ka Mantenna anu
mulya tanpa tanding, supaya kawasa
Ruh-Na nguatkeun batin aranjeun,
17 malar Al Masih linggih dina hate

aranjeun anu ariman, sarta aranjeun


bisa kuat akaran dina dasar kanyaahan.
18 Disuhunkeun ka Mantenna, malar

dulur-dulur katut sakabeh jelema anu


percaya ka Allah, ngarasa yen kanyaah
Al Masih teh teu aya wates wangenna.
19 Eta welas asih Anjeunna anu tanpa

wangenan teh, sing sumerep sumurup,


sanajan henteu kahontal ku akal.
Mugi-mugi jiwa dulur-dulur pinuh ku
sing sarwa kasampurnaan Allah.
20 Sabab Allah teh iasa ngabulkeun

panuhun urang leuwih ti anu


dikedalkeun, malah leuwih ti anu
aya dina angen-angen; sakumaha nyata
tina kakawasaana-Na anu barangdamel
di jero diri urang.
21 Mantenna wajib dimulyakeun di

jamaah sarta dina kamanunggalanana


jeung Isa Al Masih, turun-tumurun,
salalanggengna. Amin.
1 Simkuring, hiji sakitan tina

4 sabab jadi abdina Gusti, kacida


EFESUS 4.2–8 12
ngaharepna, muga hirup dulur-dulur
sing saluyu jeung maksad panyaur Allah:
2 Handap asor salawasna sarta sareh

budi; kalawan tetep sabar ka papada


sabab dilimpudan ku kanyaah.
3 Masing ruket layeut dina katunggalan

Ruh:
4 Sabadan, sa-Ruh, — kapan anu

diarep-arep oge sarupa, nya eta


pangarep-ngarep anu dumasar kana
maksud panyaur Allah tea —
5 sa-Gusti Jungjunan, saiman, sarta

sabaptisan;
6 lian ti eta, Allah anu disembah ku

urang ge kudu tunggal, nya eta Rama


sakumna manusa, — Gustining sakabeh
— Nu barangdamel dina sagala rupa hal,
Nu jumeneng dina sagala perkara.
7 Urang geus dipaparin kurnia. Masing-

masing nurutkeun kumaha perluna


numutkeun timbangan Al Masih.
8 Sakumaha ceuk Kitab: “Mangsa

Anjeunna munggah ka manggung,


munggahna nyandak boyongan-
boyongan, sarta maparin rupa-rupa
kurnia ka manusa.”
EFESUS 4.9–14 13
9 Kecap-kecap “Anjeunna munggah ka
manggung,” eta teh netelakeun yen
Anjeunna kungsi lungsur ka ieu bumi.
10 Eta Anu lungsur teh lajeng munggah

ka manggung nu aya di jabaning langit,


pikeun jumeneng tur ngereh sajagat
raya.
11 Sih kurnia-Na nu dipaparinkeun

teh, nya eta aya jalma anu dijadikeun


rasul-rasul, aya nu dijadikeun nabi-nabi,
juru-juru Injil, pamingpin-pamingpin
jamaah, sarta guru-guru jamaah.
12 Eta sakabeh dianggo jalan, sangkan

umat anu percaya ka Allah bisa


ngalampahkeun tugas anu geus
dipaparinkeun ku Mantenna, nya pikeun
kajembaranana salira Al Masih.
13 Lian ti eta, supaya urang oge bisa

ngahontal katunggalan dina hal iman


sarta dina hal kanyaho ka Putra Allah,
malar bisa jadi Manusa nu sampurna
saperti kasampurnaan Al Masih.
14 Upama geus bisa kitu, urang teh geus

moal kawas budak anu masih keneh


bisa dibibitaan; moal kawas ombak anu
beunang diulinkeun ku angin; moal kaolo
ku rupa-rupa pangajaran teu uni, nya nu
diasong-asong ku jelema-jelema julig,
EFESUS 4.15–20 14
nu rek nipu merdaya sarta nyilakakeun
tea;
15 sabalikna, kalawan dibarung ku

kanyaah, urang teh kudu medar nu


bener; tangtu urang baris leuwih mekar
nuju kana kasampurnaan saperti Al
Masih anu jadi kapala urang.
16 Nya Anjeunna puseur nu ngatur

sakujur badan katut sagala babagianana.


Upama tiap-tiap babagian badan
sauyunan ngalakonan kawajibanana
nurutkeun tugasna masing-masing tur
didadasaran ku silih pikanyaah, tinangtu
sakujur badan bakal hirup kalawan
huripna.
17 Kalawan asma Gusti, simkuring

rek ngelingan: Omat, dulur-dulur, ulah


angger bae hirup nurutan jelema-
jelema anu teu percaya ka Allah, anu
angen-angenna marinculak.
18 Nu kararitu teh hirupna poekkeun,

geus teu make kana jalan ti Allah,


baredegong, tur bodo katotoloyoh.
19 Geus euweuh kaerana, resep

ngalajur napsu, sarta paboro-boro nyiar


kauntungan ku jalan kotor.
20 Kapan piwulang Al Masih ka aranjeun

mah lain kitu!


EFESUS 4.21–28 15
21 Dulur-dulur geus terang ka Anjeunna,
geus jaradi murid-Na sarta arapal kana
piwulang-Na tina sual bebeneran.
22 Ku sabab eta, geura piceun eta adat

hirup aranjeun nu heubeul teh! Geura


ruang watek nu heubeul teh! Upama teu
kitu, cilaka; tangtu aranjeun palid ku
hawa napsu sorangan.
23 Hate jeung pikiran kudu robah, kudu

anyar.
24 Kudu jadi manusa anyar anu luyu

jeung keur waktu diciptakeunana


ku Allah, nya eta sayakti jeung suci
kaayaanana.
25 Jadi, aranjeun teh ulah silih bohongan

deui. Kudu jujur pada batur sabab geus


jaradi anggahota tina hiji badan.
26 Mun aranjeun pareng ambek, omat,

ulah katalanjuran nepi ka jadi dosa.


Memeh panonpoe surup, ambek oge
kudu geus sirna.
27 Masing ati-ati, Iblis mah ulah dibere

omber!
28 Jelema anu pagaweanana maling,

ulah pulang-paling deui. Kudu daek


singkil, usaha nyiar pagawean anu
halal; ngarah bisa tutulung ka nu butuh
ongkoh.
EFESUS 4.29–5.2 16
29 Mun aranjeun ngucap ge, ulah
matak nyugak. Sing hade pokpokanana
sakumaha perluna, malar katarima ku
nu ngadengena.
30 Ulah nyiar-nyiar pinalangsaeun Ruh

Allah nu suci; da aranjeun teh enggeus


disegel ku Mantenna pikeun tanda dina
poean aranjeun narima kasalametan.
31 Aranjeun ulah sok ngunek-ngunek,

ngayunkeun kakeuheul ngumbar


amarah, ulah sentak-sengor, sarta
supu-sapa; anu kitu mah kudu dijauhan;
kitu deuih, sagala lampah nu goreng.
32 Jeung pada batur kudu sareh,

langsar hate, sarta silih hampura. Sabab


aranjeun oge geus dihampura ku Allah,
ku karana Al Masih.
1 Dulur-dulur geus diangken putra

5 sarta dipikaasih ku Allah. Ku sabab


eta, aranjeun teh kudu nulad ka
Mantenna.
2 hirup aranjeun teh kudu dilimpudan

ku kanyaah, saperti conto ti Al Masih.


Geuning Anjeunna mah ku bawaning
asihna ka dulur-dulur, nepi ka pupus
ngorbankeun anjeun jadi hiji kurban anu
seungit kaambungna ku Allah.
EFESUS 5.3–10 17
3 Ku sabab aranjeun geus jadi kagungan
Allah, kudu mahing kalakuan rucah katut
anu ingkar tina susila; kitu deui, tabeat
hawek.
4 Ulah ngomong sugal, gagabah atawa

cawakah, leuwih hade muji ka Allah.


5 Sabab tangtu aranjeun ge terang,

yen jelema-jelema rucah, nu ingkar tina


susila, sarta nu hawek, - da hawek teh
kaasup nyembah ka brahala keneh -
pamohalan meunang tempat di Karajaan
Al Masih; hartina, pamohalan ku Allah
dipaparin warisan.
6 Aranjeun ulah ngadenge kana omong

pangoloan sabab anu ngalawan ka


Mantenna teh pasti dibenduan.
7 Kahade, aranjeun teh ulah kabaud ku

anu kararitu.
8 Bener, tadina mah, dulur-dulur teh

jelema poek; tapi ayeuna mah, geus


ngajadi jelema caang; Jadi, kudu hirup
sakumaha pantesna nu jadi caang.
9 Sabab sipat hade, sipat adil, sarta

sipat sajati teh ngajadi ngan ku caang.


10 Kalakuan aranjeun teh kudu sing

sapuk jeung Gusti.


EFESUS 5.11–18 18
11 Ulah milu-milu kana lampah teu
mangpa'at, anu asal ti nu poek. Malah
anu kararitu teh kudu dicaangkeun.
12 Pagawean anu sok dilalampahkeun

bari susulumputan teh, nyebutna oge


geus matak era parada.
13 Sagala rupa oge, ari geus kasorot

ku caang mah, ngabuliklak: Tembong


kumaha kaayaanana anu sabenerna.
14 Sabab naon bae anu geus kasorot

mah, jadi caang. Geuning aya


kacaturkeun kieu: “Eh, nu hees! Geura
nyaring, geura hudang tina paeh.
Tuh cahaya Al Masih gumebyar, baris
nyaangan maneh!”
15 Jadi, aranjeun teh, hirup sing ati-ati:

Kudu lantip wijaksana, ulah milih anu


nirca.
16 Urang teh hirup dina jaman anu

goreng; jadi, tiap waktu anu katimbang


mustari kudu digunakeun enya-enya.
17 Aranjeun teh ulah balangah, sing

awas kana pangersa Allah;


18 Aranjeun ge, ulah sok mabok,

temahna matak ngaberung napsu;


sabalikna, turutkeun panuyun Ruh.
EFESUS 5.19–27 19
19 Kudu silih lilipur ku lagu-lagu Zabur,
lagu-lagu pupujian, jeung kidung-kidung
rohani sejenna.
20 Salawasna, aranjeun ulah kendat

muji nganuhunkeun kana sagala pasihan


Allah, kalawan asma Gusti Jungjunan
urang, Isa Al Masih.
21 Lian ti eta, jeung pada batur,

aranjeun teh kudu silih kawulaan


tandaning ngabakti ka Anjeunna.
22 Pamajikan kudu ngesto ka salaki,

cara ngesto ka Al Masih.


23 Sabab salaki teh anu ngapalaan

pamajikan, saperti Al Masih oge jadi


Kapala jamaah. Anjeunna anu ngabela
jamaah teh, nya salira-Na tea.
24 Dina sagala hal pamajikan teh kudu

ngesto ka salaki, cara jamaah ngesto ka


Al Masih.
25 Sabalikna, salaki kudu nyaah ka

pamajikan, cara Al Masih nu bumela ka


jamaah, nepi ka iklas naruhkeun pati;
26 nya eta teh pikeun nyucikeun

jamaah, salira-Na tea; mersihkeunana


teh ku cai kalawan pangandika-Na;
27 ku jalan eta, Anjeunna iasa

nempatkeun jamaah dipayuneuna-Na:


EFESUS 5.28–33 20
Ngagenclang, taya cacad kuciwana,
sarta taya kusut karijutna.
28 Kitu sababna, nu matak salaki kudu

nyaah ka pamajikan teh, lir ka awak


sorangan tea. Nu nyaah ka pamajikan
teh, sarua jeung nu nyaah ka diri pribadi.
29 Da moal aya jelema anu ngewa ka

awak sorangan; sabalikna, awakna teh


dimemenan dipulasara. Kitu oge, Al
Masih ka jamaah teh.
30 Lantaran jamaah teh salira-Na ku

anjeun, ari urang jadi anggahota-


anggahotana.
31 Ceuk Kitab: “Ku sabab kitu, lalaki teh

bakal ingkah ti indung bapana; terus


manehna ngahiji jeung pamajikanana
sarta duanana bakal ngajadi tunggal
sabadan.”
32 Ieu teh, rasiah anu jero hartina.

Ari ceuk simkuring mah, eta teh


ngeunaan kasatunggalan Al Masih jeung
jamaah-Na.
33 Tapi kumaha bae oge hartina,

tetep bae, salaki mah kudu nyaah ka


pamajikan lir ka awak sorangan sarta
pamajikan kudu ngesto ka salaki.
EFESUS 6.1–8 21
1 Barudak, sing nurut ka kolot,
6 sakumaha wajibna anu percaya ka Al
Masih.
2 “Sing hormat ka indung bapa.” Eta teh

tina Sapuluh Timbalan, anu pangheulana


ngandung jangji. Jangjina kieu:
3 “Supaya hirup maraneh jamuga tur

dipanjangkeun nya umur.”


4 Aranjeun, - nu jadi kolot - poma, ulah

nyieun piambekeun anak. Didik anak teh


kana kasatiaan nurutkeun piwulang Al
Masih.
5 Aranjeun, parakawula! Satungtung

kumawula, aranjeun wajib tunduk, sieun,


jeung ajrih ka dunungan. Kumawula teh
kudu saiklas-iklasna, cara kumawula ka
Al Masih bae.
6 Rajin teh ulah ngan rajin di hareupeun

wungkul, ngarah pangalem papada


jelema, tapi sing cara ngalakonan
parentah Allah. Anu kumawula ka Al
Masih mah wajib kitu teh.
7 Baranggawe ge kudu jeung gumbira,

lir nu kumawula ka Gusti, lain ka jelema.


8 Kapan aranjeun teh terang, yen tiap

jalma, — boh nu kumawula, boh nu


merdika — nu hade gawe mah tangtu ku
Gusti diganjar.
EFESUS 6.9–15 22
9 Aranjeun, paradunungan, kudu adil,
ulah pilih kasih ka anu jadi kawula
sarta ulah sok maen ancam. Inget:
Gusti maranehna teh, tunggal keneh
Gusti aranjeun nu di sawarga, anu teu
ngabeda-beda harkat jelema.
10 Pamungkas, dulur-dulur, aranjeun teh

kudu kuat, tapi kuatna teh kudu lantaran


muntang ka Al Masih anu kawasa.
11 Gunakeun sakabeh pakarang jurit ti

Allah, supaya sanggup ngayonan akal


tipu muslihat Iblis.
12 Sabab anu diayonan ku urang teh,

lain papada mahluk tina daging jeung


getih, tapi bangsa gegedug-gegedug, nu
karawasa, nu ngagareugeuh karajaan-
karajaan poek kiwari, sarta roh-roh jahat
ti alam gaib.
13 Ku sabab kitu, gunakeun sakabeh

pakarang ti Allah, supaya dina mangsa


datang panarajang, aranjeun bisa tagen
sarta bisa unggul.
14 Sing tarapti. Dangdanan jeung

pakarang anu kudu dipake teh nya eta:


Kayaktian lir sabukna sarta kaadilan, lir
tameng dadana;
15 kaiklasan nyebarkeun Injil-karukunan

lir tarumpahna;
EFESUS 6.16–22 23
16 Iman urang, lir tamengna nu sanggup
mareuman jamparing-jamparing seuneu
si Jahat;
17 Kasalametan, lir balakutak panutup

sirah; ari pedangna, nya eta Ruh,


tegesna Pangandika Allah tea.
18 Salawasna kudu neneda, muntang

kana panuyunna Ruh. Jadi, sing waspada


salalawasna jeung ulah kendat-kendat
neneda ka Allah pikeun kasalametan
sakumna umat Mantenna.
19 Pangnedakeun oge, simkuring,

mugi-mugi ku Allah dipaparin perceka


pinter nyarita, malar ludeung taya
kakeueung enggoning ngamashurkeun
rasiah Injil,
20 anu ngalantarankeun simkuring,

utusan Mantenna, dipanjara.


Pangnedakeun, supaya simkuring
dipaparin wawanen pikeun medarkeun
dawuhana-Na, nu geus jadi kawajiban
simkuring.
21 Hal kaayaan simkuring ayeuna,

engke bakal didadarkeun ku Tihikus,


dulur urang nu kameumeut, anu rajin
ngabantu baranggawe kanggo Gusti.
22 Anjeunna diutus teh, nya sina

nyaritakeun kaayaan simkuring tea;


EFESUS 6.23–24 24
sakalian, pikeun nengtremkeun hate
dulur-dulur oge.
23 Mugi-mugi Allah, - Rama - kitu deui

Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang,


maparin katengtreman, sih piwelas,
jeung iman ka dulur-dulur.
24 Mugi-mugi Allah maparinkeun

rahmat-Na ka sakur anu satia, nya eta


anu mikanyaah ka Isa Al Masih, Gusti
Jungjunan urang tea.
Filipi
1 Ti Paulus jeung Timoteus, abdi-abdi
1 Isa Al Masih. Kahatur umat Allah
di Pilipi, parapamingpin jamaah, katut
parapangbantuna.
2 Pidu'a simkuring, mugi aranjeun sing

sami marendak rahmat karahayuan ti


Allah, — Rama urang — jeung ti Isa Al
Masih, Gusti Jungjunan urang.
3 Saban inget ka dulur-dulur, simkuring

teu weleh muji sukur ka Allah.


4 Jeung deui, saban-saban

mangnedakeun dulur-dulur, simkuring


teu petot gumbira;
5 dumeh dulur-dulur teh, geus ngabantu

simkuring dina pangwawaran Injil, ti


barang prak nepi ka ayeuna pisan.
6 Kalawan berkah Allah, ieu kawajiban

teh ku dulur-dulur dilakonan kalawan


lungsur-langsar. Simkuring yakin, yen
ka hareupna oge, Mantenna baris
nyarengan ka aranjeun nyacapkeun
padamelana-Na nepi ka mangsa
sumpingna Isa Al Masih.
FILIPI 1.7–13 2
7 Geus munasabah, mun simkuring
tibelat ka dulur-dulur teh; sabab ieu
hate simkuring teh, cumantel bae.
Ngarasa papada dipaparin sih kurnia
ku Allah, sanajan simkuring ayeuna
keur dipanjara. Nya kitu keneh dina
waktu ngabela jeung ngukuhkeun Injil di
hareupeun pangadilan oge.
8 Allah anu langkung tingali, kumaha

tibelatna simkuring ka dulur-dulur,


kajurung ku asihna Isa Al Masih ku
anjeun.
9 Pamenta simkuring, mugi dulur-dulur

sing beuki gede kanyaah, sing beuki


ngarti, jeung tambah lantip;
10 malar bisa milih-milih mana anu

hade,
11 tur leubeut ku sipat-sipat anu sajati,

ku berkahna padamelan Isa Al Masih,


anu matak jadi puji jeung hormat ka
Allah.
12 Supaya dulur-dulur terang: Sagala

anu karandapan ku simkuring teh geus


pohara ngabantuna kana sumebarna
Injil.
13 Saeusi karaton prabu Rum, kitu

deui anu lian-lianna, ayeuna mah geus


tarerangeun yen pangna simkuring
FILIPI 1.14–18 3
dipanjara teh lantaran percaya ka Al
Masih.
14 Jaba ti kitu, ku lantaran simkuring

dipanjara teh loba dulur-dulur saiman


anu beuki teleb percayana ka Gusti
Jungjunan urang, tur laludeung nepikeun
dawuhan Allah.
15 Enya, di antara maranehna, aya

anu ngawawarkeunana hal Al Masih teh


kajurung ku sirik jeung niat ngalindih ka
simkuring; tapi anu enya-enya iklas oge,
loba.
16 Ari anu ariklas tea, kajurung ku

ha'atna ka simkuring; dumeh karasaeun,


yen pangna simkuring dipanjara teh
lantaran ngabela Injil.
17 Ari nu sejenna mah, ngawawarkeun

Al Masih teh, keur tujuan kapentingan


sorangan; jaba ti eta, tekadna ge
teu beresih. Maksudna mah, supaya
simkuring anu keur dipanjara teh, beuki
sangsara.
18 Tapi da henteu matak aya

pangaruhna; sabab ku kitu ku


kieu oge, boh ku nu jujur boh ku anu
pura-pura, buktina mah tetep Al Masih
teh diwawarkeun. Jadi, simkuring mah
bungah bae anu aya.
FILIPI 1.19–23 4
19 Bungahna teh, lantaran ngarasa
yen ieu teh jadi pijalaneun simkuring
kana kasalametan, berkah pidu'a ti
dulur-dulur katut pangjaring-Na kawasa
Ruh Isa Al Masih.
20 Tekad simkuring geus buleud,

moal rek boga lampah anu matak


ngawirangkeun. Nyarita rek tatag jeung
satarabasna, seja ngamulyakeun Al
Masih kalawan diri sakujur sakumaha
sasari; malah ayeuna mah rek leuwih ti
kitu, sanajan nepi ka kudu ngarandapan
maot.
21 Da naon atuh ari hirup teh? Pikeun

simkuring mah, hirup teh, nya eta Al


Masih. Jadi, paeh teh mangrupa hiji
kauntungan.
22 Tapi upama simkuring diparengkeun

panjang umur sarta bisa migawe


hal-hal anu penting, kumaha atuh
pihadeeunana? Lebah dieu, simkuring
teu bisa nangtukeun mana anu kudu
dipilih!
23 Asa dibedol ka ditu ka dieu: Aya

hayang geura los mulang ngahiji jeung


Al Masih; sabab eta anu panghadena
mah;
FILIPI 1.24–29 5
24 tapi aya oge hayang tetep keneh
hirup, tina ngaraskeun ka dulur-dulur.
25 Panghadena, pikeun aranjeun mah,

upama simkuring tetep hirup. Ku kituna,


simkuring yakin, yen urang baris bisa
keneh reureujeungan, nya eta pikeun
nguatkeun iman jeung nambahan
kabungah dulur-dulur.
26 Jadi, engke, di mana simkuring

datang deui, dulur-dulur baris leuwih


ngarasa reueusna ku simkuring teh
sajeroning iman ka Isa Al Masih.
27 Utamana, ayeuna mah, hirup dulur-

dulur teh sing saluyu jeung piwuruk Al


Masih. Bisa bae simkuring datang, tangtu
bakal kasaksian ku panon sorangan;
atuh dina ayana halangan nepi ka teu
bisa datang, hayang meunang bejana,
yen dulur-dulur teh pengkuh sarta
satekad enggoning ngimankeun Injil.
28 Ulah rentag ku nu jadi lawan. Sabab

pikeun maranehna mah, eta teh, jadi


tanda yen maranehna aya di pihak anu
rugi. Tapi pikeun dulur-dulur mah, eta
teh, tandaning diraksa ku Allah.
29 Sabab sih kurnia anu geus

dipaparinkeun ka dulur-dulur teh, lain


bae pikeun percaya ka Al Masih; tapi
FILIPI 1.30–2.6 6
pikeun nandangan sangsara oge, tina
lantaran iman ka Anjeunna.
30 Anu diperjuangkeun ku dulur-dulur

jeung simkuring teh sarua. Kumaha


simkuring memperjuangkeunana,
bareto; kapan ku dulur-dulur ge, geus
kasaksian. Tah ayeuna, dulur-dulur
ge, meunang beja yen hal eta teh ku
simkuring masih keneh diperjuangkeun.
1 Ku sabab dina kamanunggalan

2 jeung Al Masih teh aya pepeling, aya


panglipur ti asih-Na, aya apingan Ruh,
aya silih asih, sarta silih pikanyaah;
2 sabab eta, dulur-dulur, sampurnakeun

kabungah simkuring teh, ku jalan sing


sahate, sapikir, sakanyaah, sajiwa, sarta
sing sauyunan.
3 Ulah pakia-kia atawa pagirang-girang

tampian; anggur kudu handap asor,


mandang batur leuwih luhur harkatna.
4 Ulah ngan inget kana kaperluan

sorangan bae, kaperluan batur oge kudu


diperhatikeun.
5 Aranjeun kudu miboga sipat eta,

sakumaha Al Masih tea.


6 Kapan Al Masih teh, ari wujud-Na

mah, salira Allah; tapi sanajan kitu,


Anjeunna henteu kamagungan.
FILIPI 2.7–13 7
7 Eta kaagungana-Na teh, anggur
dianggo kumawula; Anjeunna ngajadi
saharkat jeung manusa, nyorang hirup
sakumaha manusa ilahar.
8 Estuning ngalaipkeun Anjeun, ta'at-

Na, tug nepi ka pupus: Paragat nyawa


disalib.
9 Nu matak ku Allah, Anjeunna teh,

dijungjung pangluhurna sarta dipaparin


gelaran pangpunjulna,
10 nepi ka sakabeh nu di sawarga, nu di

bumi, jeung nu di alam kubur sarujud ka


Anjeunna anu ngagem jenengan Isa.
11 Kabeh baris ngaku: “Isa Al Masih teh

Gusti Panutan,” pikeun kamulyaan Allah


anu jumeneng Rama.
12 Nu enggeus-enggeus mah, dulur-

dulur teh, teu weleh satia. Kitu teh,


ulah ngan keur di hareupeun simkuring
wungkul; tapi komo ayeuna, keur urang
pajauh kieu, sing leuwih-leuwih. Jaba ti
eta, sampurnakeun naon nu geus jadi
milik aranjeun teh, - kasalametan tea -
kalawan sing hormat ka Pangeran.
13 Lantaran nya Mantenna anu

barangdamel nyarengan ka dulur-dulur,


nepi ka karep jeung kalakuan aranjeun
bisa sapuk jeung pangersa-Na.
FILIPI 2.14–19 8
14 Enggoning ngalampahkeun kawajiban
ulah bari kukulutus jeung pahiri-hiri.
15 Sing kuat ku dodoja, ulah galideur,

tandaning enya jaradi putra Allah, anu


taya kuciwana. Hirup di masarakat nu
jahat sarta doraka, aranjeun teh kudu
jadi saibarat bentang-bentang anu
tingkaretip di langit.
16 Jadi, aranjeun kudu pageuh muntang

kana Pangandika tea, anu maparin hirup


kalawan huripna. Mun heug kitu, mana
teuing sugemana simkuring engke dina
mangsana Al Masih sumping, dumeh
beunang usaha hese cape teh henteu
mubadir.
17 Sanajan simkuring kudu nepi ka

ngocorkeun getih jadi kurban marganing


iman kayakinan dulur-dulur, simkuring
estuning rido. Mugia, eta karidoan
simkuring teh, sing jadi matak bungah
ka aranjeun.
18 Ku kituna, aranjeun oge sing rido,

supaya simkuring oge bisa milu bungah.


19 Lantaran yakin yen Isa, Gusti

Jungjunan urang, baris marengkeun;


niat simkuring teh, buru-buru bisa
ngutus Timoteus ka aranjeun;
FILIPI 2.20–26 9
pangpangna hayang buru-buru terang
kumaha kaayaan dulur-dulur.
20 Kakara simkuring mah manggih

jelema anu totomplokan nyaahna ka


simkuring, tur sakitu gede kamelangna
ka dulur-dulur.
21 Da lumrahna mah, jelema-jelema

teh, ngan ukur mentingkeun dirina bae;


boro-boro ngesto ka Al Masih.
22 Kapan ari Timoteus mah, ku dulur-

dulur oge, geus kanyahoan kabelaanana.


Simkuring jeung anjeunna teh, dina
ngawawarkeun Injil, lir bapa jeung anak.
23 Saberesna urusan simkuring,

anjeunna baris gancang-gancang diutus.


24 Simkuring sorangan hayang bisa

tereh-tereh ngalongok aranjeun. Mugia


Gusti kersa marengkeun.
25 Ku timbangan simkuring, Epaproditus

rek buru-buru dijurung mulang deui.


Anjeunna teh, nya jadi sobat, nya jadi
pangdeudeul, nya kanca saperjuangan,
anu ku dulur-dulur diutus sina maturan
jeung ngentengkeun karepotan
simkuring.
26 Anjeunna oge, hayangeun geura-

geura bral mah; cenah, karunya ka


FILIPI 2.27–3.3 10
dulur-dulur anu mikamelang, dumeh
meunang beja yen anjeunna gering.
27 Enya, payah geringna teh. Sukur

Allah mikawelas, lain ka anjeunna bae,


tapi ka simkuring oge, nepi ka simkuring
teu kungsi meunang kasusah leuwih
beurat.
28 Eta sababna, anjeunna sina buru-

buru mulang teh. Ari geus tepung mah,


aranjeun bungah, simkuring bungah.
29 Heug, bageakeun eta dulur saiman

teh. Jelema kawas anjeunna mah, kabeh


oge, pantes dihormat samistina.
30 Bawaning ku satia ngalampahkeun

tugas ti Al Masih, meh bae anjeunna


tiwas; kituna teh, enggoning ngabantu
simkuring pikeun nyuluran aranjeun tea.
1 Cindekna mah, dulur-dulur, heug

3 sing barungah dina kamanunggalan


jeung Gusti. (3-1b) Simkuring teu
hoream malikan papatah anu bareto,
anu baris pisalameteun mah.
2 Kahade sing ati-ati, loba anjing jahat,

nya eta jelema-jelema tukang sunat


palsu.
3 Da urang mah geus narima sunat anu

sajati. Urang mah ibadah ka Allah teh


FILIPI 3.4–9 11
kalawan panuyun Ruh Allah. Urang mah
muntang ka Al Masih, lain kana ciri lahir.
4 Simkuring sorangan, upama tea

mah rek ngandel ka anu kararitu,


kacida munasabahna; malah leuwih
munasabah, ti batan batur.
5 Lantaran keur simkuring umur

dalapan poe ge, geus disunatan; tur


turunan Israil ti kaom Binyamin; urang
Ibrani asli; ta'atna kana hukum Toret,
simkuring teh ti madhab Parisi;
6 malah simkuring mah, kacida

sumangetna dina nganiaya jamaah Al


Masih; kitu deui dina nyumponan hukum
Toret, simkuring mah taya cawadeunana.
7 Tapi sanggeus simkuring raket ngahiji

jeung Al Masih, eta kabeh teh, anu


tadina disangka nguntungkeun, sihoreng
ngan ngarugikeun.
8 Malah lain eta bae. Sanggeus terang

yen Isa Al Masih, — Gusti Jungjunan


simkuring — estu mulya tanpa tanding;
hal-hal sejenna mah, asa taya pangajina
pisan; anu karitu mah geus dipiceun, —
da ngan ukur runtah — malar diri bisa
kapimilik ku Al Masih;
9 bisana manunggal jeung Anjeunna

teh, lain ku tarekah sorangan, — nya eta


FILIPI 3.10–15 12
ku jalan ta'at kana hukum Toret — tapi
ku lantaran percaya ka Al Masih. Nya ku
lantaran percaya tea, simkuring ku Allah
diangken jelema bener teh.
10 Taya deui cita-cita simkuring, jaba ti

hayang enya-enya wanoh ka Anjeunna,


bisa ngarasakeun hikmat mujijat
gugah-Na ti nu maraot, ancrub kana
kasangsaraana-Na, sarta dina nyorang
ajal oge, hayang kawas Anjeunna;
11 kalawan pangarep-ngarep, yen

simkuring bisa hudang deui ti nu maraot.


12 Simkuring henteu boga angkeuhan

geus hasil atawa geus sampurna. Tapi


simkuring rek enya-enya ngudag eta
tujuan, nepi ka beunangna. Sabab eta
pisan anu ditugaskeun ku Isa Al Masih,
nalika simkuring disaur ku Anjeunna teh.
13 Dulur-dulur, simkuring henteu boga

angkeuh geus bisa ngahontal eta


cita-cita. Kieu nu enya mah: Nu geus
kaliwat teh dipopohokeun, sateka-teka
rek ngudag pikahareupeun.
14 Ngudag teh junun ka anu jadi tujuan,

ngalap pahla ti sawarga, numutkeun


panyaur Allah ku karana Isa Al Masih.
15 Sarerea ge, anu jiwana sawawa

mah, kudu kitu tekad teh. Dina


FILIPI 3.16–21 13
ayana salah saurang di aranjeun anu
beda pamanggihna, tangtu ku Allah
dipaparinan terang.
16 Ku kitu ku kieu, tetep kudu junun ka

anu jadi tujuan.


17 Tuturkeun hirup simkuring, bari

awaskeun batur nu hirupna nurutkeun


conto ti simkuring sabatur-batur.
18 Simkuring geus sering mepelingan

aranjeun; ayeuna ge kitu, seja


mepelingan deui bari jeung ceurik
balilihan, yen loba pisan jelema anu milih
jalan hirup anu sejen, jadi musuh-musuh
Al Masih anu disalib.
19 Nu karitu lampahna teh, pasti

cilaka; da nu dilulugukeun teh ngan


eusi beuteung bae; nu dipuhit ngan
kagorengan wungkul; nu dipikiran ngan
hal-hal kadunyaan.
20 Tapi ari urang mah, warga-warga

sawarga; ti dinya oge urang nganti-


nganti sumpingna Juru Salamet teh,
tegesna Isa Al Masih.
21 Anjeunna baris ngarobah kaayaan

diri urang anu kacida hinana, ngajadi


sarua jeung salira-Na anu mulya, anu
pangawasa-Na geus bisa ngungkulan
saniskara.
FILIPI 4.1–6 14
1 Ku sabab eta, dulur-dulur, — nu
4 jadi kanyaah reujeung katineung; nu
jadi makuta jeung puseur kabungahan
simkuring — sing pengkuh ka Gusti.
2 Ka Nyi Eodia jeung Nyi Sintika,

simkuring mere pepeling: Sing sahate


jeung sapikiran, nya ngesto ka Gusti!
3 Ka saderek Sunsugos, ki sobat

anu bumela, simkuring meredih:


Muga ieu dua wanita teh dibantu.
Maranehna geus enya- enya ngabantu
ka simkuring ngamashurkeun Injil, —
bareng jeung saderek Klemen katut
batur-batur simkuring lianna — anu
ngaran-ngaranna geus kacatetkeun dina
Kitab Kahirupan.
4 Dulur-dulur, sing ngarasa bagja

salilana dina kamanunggalan jeung


Gusti! Sakali deui, cek simkuring: Sing
ngarasa bagja!
5 Kasarehan aranjeun ge, keun sina

katembong ku unggal jelema. Gusti


Jungjunan urang teh tereh sumping.
6 Ulah aya kasalempang di aranjeun

mah. Sagala anu jadi pangabutuh


aranjeun, unjukkeun bae ka Allah ku
paneda dibarung ku muji sukur.
FILIPI 4.7–11 15
7 Dina kamanunggalan aranjeun jeung
Isa Al Masih, tangtu sih kurnia-Na, —
anu moal kahontal ku akal — baris
nengtremkeun jiwa aranjeun.
8 Cindekna, dulur-dulur, kudu bisa

milih-milih: Mana nu bener, nu mulya,


nu adil, nu suci, nu picontoeun sarta
kaajen, anu hade tur pujieun.
9 Jalankeun sagala piwuruk katut conto-

conto ti simkuring, boh anu mangrupa


nasehat, boh nu mangrupa kalakuan.
Upama kitu, Allah nu jadi tangkaling
karahayuan, tangtu nyarengan ka
aranjeun.
10 Simkuring pohara asa bagjana,

da ayeuna mah geus karasa gedena


katineung aranjeun ka simkuring
teh. Memang, ti beh ditu keneh oge,
geus gede kamelang dulur-dulur ka
simkuring teh; ngan nya kitu, bareto
mah, aranjeun acan aya kasempetan
pikeun ngabuktikeunana.
11 Tapi simkuring nyarita kieu teh, lain

pedah bareto ngarasa kakurangan; da


simkuring mah, hirup teh, geus biasa
cukup ku saaya-aya.
FILIPI 4.12–17 16
12 Simkuring mah, geus teu bireuk
deui kana ngalaman kekerehet atawa
lubak-libuk teh.
13 Hirup nu kumaha bae oge, simkuring

mah kuat nandanganana. Tangtu eta teh


lantaran dikuatkeun ku Anjeunna.
14 Papadaning kitu, hade oge eta

pangdeudeul ti dulur-dulur teh; eta


hartina, yen aranjeun teh geus milu
nyorang lara balangsakna simkuring.
15 Aranjeun, saderek-saderek di

Pilipi, tangtu aringet keneh basa


simkuring miang ti Makedoni rek mimiti
ngawawarkeun Injil tea; kapan anu
pohara bumelana ka simkuring teh
ngan aranjeun. Hiji-hijina jamaah anu
daek sapapait samamanis enggoning
ngabayuan keur kahirupan simkuring.
16 Sabab ti keur di Tesalonika keneh

oge, dulur-dulur teh nepi ka dua kali


ngiriman, mantu-mantu pangabutuh
simkuring.
17 Saenyana, teu pisan-pisan simkuring

malar pamere ti dulur-dulur. Ari nu


dipalar teh, mugi eta kahadean aranjeun
sing ngadatangkeun pahla pikeun
kajembaran hirup aranjeun.
FILIPI 4.18–23 17
18 Sakabeh pangabutuh simkuring,
ayeuna mah, ku dulur-dulur geus
dicumponan, malah leuwih ti kitu.
Turug-turug ku kiriman aranjeun anu
ditepikeun ku Epaproditus, simkuring
nepi ka lubak-libuk. Eta pitulung
aranjeun teh, di payuneun Allah, tangtu
mangrupa hiji kurban anu seungit,
kamanah, tur matak kayungyun.
19 Allah anu ku simkuring disembah

baris nyumponan sakabeh pangabutuh


dulur-dulur, numutkeun kasugihana-Na
karana kamulyaan dina kamanunggalan
aranjeun jeung Isa Al Masih.
20 Sagala puji ka sanggakeun ka Allah

anu jadi Rama urang, sapapaosna. Amin.


21 Pangnepikeun salam simkuring ka

sakur anu percaya ka Isa Al Masih.


Dulur-dulur anu babarengan jeung
simkuring ge, ngahaturkeun salam ka
aranjeun.
22 Kitu deui umat Al Masih sejenna,

pangpangna anu darines di karaton sang


prabu.
23 Sih kurnia Isa Al Masih, Gusti

Jungjunan urang, nyarengan ka


dulur-dulur sadaya.
Kolose
1 TiPaulus, rasul-Na Isa Al Masih
1 kalayan pangersa Allah, jeung ti
Timoteus dulur urang.
2 Kahatur anggota-anggota jamaah

Allah di Kolosa, nya eta dulur-dulur anu


saratia ka Al Masih. Mugi marendak sih
kurnia katut karahayuan ti Allah Nu jadi
Rama urang.
3 Saban-saban mangnedakeun dulur-

dulur, simkuring teu weleh muji sukur ka


Allah, Rama Gusti Jungjunan urang, Isa
Al Masih.
4 Lantaran simkuring nguping, yen

dulur-dulur teh ariman ka Al Masih tur


mikaheman ka umat kagungan Allah,
5 anu dumasar dina pangharepan

kana hal anu geus disayagikeun


pikeun aranjeun di sawarga. Ayana eta
pangharepan teh, ku dulur- dulur geus
kakuping ti beh ditu keneh, tina hal
pangandika anu sajati, nya eta Injil anu
geus ditepikeun ka dulur-dulur tea.
6 Eta Injil geus sumebar ka sakuliah

dunya sarta geus mimiti katingal


KOLOSE 1.7–11 2
buah-buahna sarta kamekaranana.
Ti barang dulur-dulur nguping sarta
sanggeus enya-enya tarerang kana sih
kurnia Allah anu sajati tea, buah-buahna
sarta kamekaranana teh oge katingal.
7 Nu geus ngawulang ka dulur-dulur

teh saderek Epapras, papada kaula anu


dipikameumeut, abdi Al Masih anu satia
pikeun dulur-dulur.
8 Nya ti anjeunna, simkuring terang

kana kanyaah dulur-dulur teh, nya eta


kanyaah anu asal ti Ruh tea.
9 Eta sababna, ti barang nguping

kitu, teu petot-petot simkuring nya


mangnedakeun sarta nyuhunkeun malar
dulur-dulur dipaparin lantip pikir caang
batin; maksudna, supaya dulur-dulur
terang kana pangersa Allah, hirup sapuk
jeung pangersa-Na, sarta tumut kana
parentah-Na.
10 Sabab upama kitu, sagala usaha

dulur-dulur teh, — boh dina widang naon


bae — baris hade tur loba hasilna sarta
baris wuwuh terang ka Allah.
11 Dipangnedakeun deuih, mugi ku

kawasa Allah anu agung, dulur-dulur bisa


tagen dina rupa-rupa cocoba kalawan
sabar tawekal.
KOLOSE 1.12–17 3
12 Lian ti eta, dulur-dulur oge, iasa
maruji sukur ka Rama bari jeung
bungah; rehna, Mantenna kersa maparin
jalan supaya aranjeun layak meunang
warisan anu geus dihancengkeun pikeun
umat Allah di alam caang.
13 Urang teh, ku Mantenna, geus

direbut tina pangaruh kawasa alam


poek; dicandak ka jero karajaan
Putra-Na nu kaasih.
14 Nya Anjeunna anu jadi panebus sarta

anu nanggel dosa-dosa urang.


15 Al Masih teh, sanyataning gambaran

Allah anu sipat gaib, anu dijungjung


ngungkulan sakabeh ciciptan.
16 Sabab sakabeh nu aya teh, nya ku

Anjeunna dijadikeunana: Boh nu di langit


atawa nu di bumi; boh nu nyata atawa
nu sipat gaib; boh pangaruh-pangaruh
atawa pangawasa anu sipat roh jeung
raja-raja, atawa parapangawasa di
satungkebing alam. Kabeh dijadikeunana
teh ku Anjeunna sarta pikeun Anjeunna
oge.
17 Anjeunna anu pangpunjulna sarta

sakabeh anu aya teh nya ku lantaran


Anjeunna.
KOLOSE 1.18–23 4
18 Nya Anjeunna anu jadi kapala
jamaah, lir sirahna awak. Anjeunna anu
jadi huluwotan jamaah, nu pangheulana
gugah ti alam maot. Eta sababna,
Anjeunna dina sagala perkara jadi
pangpunjulna.
19 Sabab Allah ku Manten anu kersa

ngancik di salira-Na;
20 tuluy Salira-Na, ku Allah, didamel

jalan pikeun ngadatangkeun karapihan


antara Mantenna jeung sakur anu
kumelip, boh nu di sawarga, boh nu di
bumi. Ku jalan ngucurkeun getih-Na,
dugi ka pupus, dina kayu salib.
21 Dulur-dulur oge, tadina mah, hirup

teh jauh ti Allah; malah mah ngamusuh


pisan, sakumaha bukti tina kalakuan
aranjeun anu doraka.
22 Tapi ayeuna, aranjeun, ku Mantenna

geus dicandak rapih deui; sabab geus


ditebus ku Al Masih anu geus toh pati
jiwa raga, malar dulur-dulur jadi suci,
taya cacad kuciwana di payuneun Allah.
23 Ku sabab eta, masing pangger

muntang kana kapercayaan jeung ulah


leupas tina pangharepan anu diajarkeun
ku Injil tea. Eta Injil teh geus sumebar
ka sagala mahluk di kolong langit sarta
KOLOSE 1.24–28 5
simkuring, Paulus, geus dijadikeun
abdi-Na.
24 Ayeuna simkuring teh bungah, dumeh

geus diparengkeun nandangan sangsara


enggoning ngabelaan aranjeun. Sabab
hal eta teh, pikeun nyumponan naon anu
jadi kakurangan dina kasangsaraan Al
Masih, nya eta jamaah, salira-Na tea.
25 Kawajiban simkuring, nya kudu

ngabdi ka jamaah. Ieu teh luyu


jeung tugas anu geus dipaparinkeun
Allah ka simkuring, nya eta pikeun
ngawawarkeun pangandika-Na kalawan
sagemblengna ka aranjeun.
26 Eta pangandika-Na anu geus

mangabad-abad dirasiahkeun ka umat


manusa teh, ayeuna, ku Mantenna geus
ditembrakkeun ka umat-Na.
27 Mantenna seja mintonkeun, kumaha

jembarna tur agungna eusi eta anu


dirasiahkeun teh; nya anu kiwari geus
kagurnitakeun ka sagala bangsa. Eusina
eta rasiah teh, nya eta: Al Masih teh geus
ngancik di diri aranjeun; Anjeunna anu
jadi harepan aranjeun pikeun ngawaris
kamulyaan anu langgeng.
28 Nya Al Masih eta pisan anu ku

simkuring dimashurkeun teh, ku jalan


KOLOSE 1.29–2.4 6
mepelingan jeung ngawurukan saban
jalma kalawan taya anu kaliwat.
Maksudna, supaya hirup maranehanana
jadi sampurna lantaran iman ka Al
Masih.
29 Eta anu ku simkuring keur

diusahakeun jeung ditarekahan teh,


kalayan pitulung Anjeunna keneh anu
kawasa maparin kakuatan ka simkuring.
1 Perlu ku simkuring diterangkeun,

2 yen kacida hese-belekena usaha


pikeun dulur-dulur teh; kitu deui,
usaha pikeun urang Laodikea jeung
anu sejen-sejenna anu tacan kungsi
patepung jonghok jeung simkuring.
2 Nu dipalar ku simkuring teh, supaya

maranehna taleger jeung tetep satunggal


silih pikanyaah tur sugih ku pangarti,
rebo ku kanyaho tina hal rasiahna
kasalametan ti Allah, tegesna Al Masih
tea.
3 Sabab nya Anjeunna, anu jadi sumber

kawijaksanaan jeung pangaweruh anu


sajati teh.
4 Simkuring nerangkeun teh, supaya

dulur-dulur ulah katipu ku omong


pangoloan.
KOLOSE 2.5–11 7
5 Simkuring gede hate ningal dulur-
dulur pengkuh nya iman ka Al Masih.
Sabab paanggang soteh, sacara lahir;
mungguhing batin mah, simkuring teh,
teu weleh deukeut jeung aranjeun teh.
6 Ku dulur-dulur geus diaku yen Al

Masih teh Panutan. Heug hirup teh sing


sapuk sareng pangersa Anjeunna.
7 Masing ngakar sarta pageuh nya

muntang ka Anjeunna, dibarung ku hate


anu leber ku panarima.
8 Kahade, ulah kabengbat ku elmu anu

kosong-molongpong tur matak sasab,


nya anu ngakarna lain ka Al Masih tea;
tapi kana elmu titinggal karuhun jeung
pangaruh kakuatan alam anu gaib.
9 Padahal sajatining kamulyaan Allah

teh, nya di salira Al Masih ngajirimna;


10 ku lantaran iman ka Anjeunna

dulur-dulur bisa kawaris hirup anu sajati


teh. Anjeunna ngungkulan sakabeh
kakuatan jeung sakabeh pangawasa
lianna anu aya di satangkaraking jagat.
11 Nu manunggal jeung Anjeunna

teh, geus narima sunat. Lain sunat nu


ilahar nu ngeunaan badan jasmani, tapi
sunat ti Al Masih, nya eta sunat anu
KOLOSE 2.12–15 8
ngalantarankeun aranjeun leupas tina
pangaruh napsu diri anu jahat.
12 Ku jalan narima baptisan, dulur-dulur

teh geus milu dimakamkeun bareng


jeung Anjeunna. Nya kitu deui, aranjeun
oge baris diharudangkeun sarta hirup
bareng jeung Anjeunna; lantaran
aranjeun, percaya kana kakawasaan
Allah anu parantos ngagugahkeun
Anjeunna tea.
13 Bareto, lantaran hirup sasar,

nuturkeun adat jelema-jelema anu teu


palercaya ka Allah. Dulur-dulur teh,
sasatna mah, geus paeh. Tapi ayeuna,
aranjeun, ku Allah geus dihirupkeun deui
bareng jeung Al Masih. Dosa-dosa urang
kabeh geus dihampura.
14 Hutang urang teh, — anu sarat-

saratna pohara matak rugi tur


kacida ngabeuratkeunana — surat
perjangjianana, geus dicoret. Malah
geus dimusnakeun, dipaku dina salib.
15 Al Masih teh geus unggul, ngelehkeun

sakumna pamarentahan katut


pangawasa si jahat. Nya harita
dina salib, maranehna, ku Anjeunna
dijadikeun tongtonan balarea tandaning
kaunggulan Anjeunna.
KOLOSE 2.16–20 9
16 Ku sabab eta, tong sieun dicawad
tina perkara kadaharan jeung inuman,
tina pasal pesta-pesta taunan, atawa
mestakeun mimiti tembongna bulan
atawa poe Sabat.
17 Eta kabeh, ukur kalangkangna nu

baris datang engke; da ari anu sajatina


mah, nya Al Masih.
18 Oge ulah beunang kagebrag ku

jelema-jelema anu sok pura-pura


ngalaip-laip dirina, anu nyarembahna
ka malaikat-malaikat, umangkeuh
kaseundeuhan tetenjoan nu garaib, sarta
ngagul-ngagul hasil pamikirna sorangan
bari jeung teu puguh sabab-musababna.
19 Ari ka Al Masih, anu jadi Kapala, geus

tara nolih. Al Masih teh, kapan saibarat


sirah, nya anu ngatur sakujur awak tea;
nu matak awak teh jadi weweg, ngahiji,
lantaran katunjang ku tulang-tulang
sandi jeung kasimpay ku urat, supaya
dina kamekaranana tumuwuh tumut
kana pangersa Allah.
20 Dulur-dulur teh, kapan sasatna mah

geus paeh babarengan jeung Al Masih


sarta geus leupas tina pangaruh roh-roh
anu ngawasaan alam. Naha atuh masih
KOLOSE 2.21–3.3 10
keneh taluk kana rupa-rupa cegahan
hukum Toret, kayaning:
21 Teu meunang nyabak anu, teu

meunang ngadahar anu, atawa ulah


paantel jeung anu!
22 Eta mah, kabeh oge, ngan ukur

ngeunaan barang anu keuna ku beak


wungkul. Ukur nurut kana parentah
jeung pangajaran manusa.
23 Sanajan dibarung ku nyembah ka

malaikat, nganista-nista diri jeung


ngisat awak oge, supaya katembongna
enya-enya ngajalankeun ibadah; da taya
gunana pisan atuh. Malah anggur matak
ngangsonan napsu anu matak doraka
bae.
1 Dulur-dulur, kapan aranjeun teh

3 geus dihirupkeun deui bareng jeung


Al Masih. Atuh geus kuduna aranjeun
mikiran hal-hal kasawargaan, nya
tempat panglinggihan Al Masih tea, anu
calikna teh tengeneun Allah.
2 Implengkeun angen-angen teh kana

hal kasawargaan, ulah kana hal-hal anu


asal ti dunya keneh.
3 Dulur-dulur teh, sasatna mah, geus

paeh; ari hirup aranjeun geus ngancik


buni jeung Al Masih di Allah.
KOLOSE 3.4–10 11
4 Di mana Al Masih, — anu jadi hirup
urang tea — nganyatakeun salira-Na ka
umum; dina waktu eta oge, dulur-dulur
baris nganyatakeun diri sarta baris
kaauban ku kamulyaana-Na.
5 Ku sabab eta, geura eureunan eta

kalakuan aranjeun anu nurutkeun


perbawa hawa dunya teh. Ulah rucah,
jinah ma'siat, goreng hate, jeung
sarakah. Sarakah teh, kaasup nyembah
ka brahala keneh.
6 Kalakuan anu kitu, tangtu baris

dihukum ku Allah.
7 Tah hirup dulur-dulur oge, ka

tukang-tukang mah kitu, teu uni.


8 Ayeuna, geura piceun eta kalakuan

teh, ulah sok ngumbar amarah, ngunek-


ngunek, supu-sapa jeung ngumbar
sungut.
9 Jeung ulah sok silih bohongan deuih!
10 Pribadi aranjeun anu heubeul teh,

anu teu uni, kapan geus dipiceun,


geus diganti ku kapribadian anu anyar.
Tegesna mah, geus jadi manusa anyar,
supaya bisa nyusul pangaweruh anu
sajati; tur salawasna dina kaayaan anyar
sakumaha gambaran Anu Nyiptana.
KOLOSE 3.11–16 12
11 Di alam hirup anyar mah, sual-sual
urang Yunani, urang Yahudi, nu disunat,
nu teu disunat, urang Barbar, urang
Tartar, nu kumawula, nu merdika teh
geus moal aya deui; sabab kabeh, geus
jadi kagungan Al Masih.
12 Dulur-dulur teh, umat anu geus

kapilih jeung diasih ku Allah. Kudu


karunyaan, sing boga rasrasan, rendah
hate, someah darehdeh, tur sabar.
13 Kudu silih eledan jeung silih hampura

pada batur. Ngahampura teh wajib,


kapan Gusti oge ngahampura ka
dulur-dulur.
14 Pangpangna mah, urang teh kudu

silih pikanyaah. Sabab eta teh, jadi


simpayna kasatunggalan.
15 Mugi, dulur-dulur, ku Gusti

dipaparinan reugreug hate. Kapan


pangna dulur-dulur disaur teh, supaya
ngajadi satunggal, ngawangun hiji
badan. Lebah dieu, urang teh wajib muji
sukur.
16 Piwulang Al Masih, anu sakitu matak

jembarna teh, sing nepi ka ngancik


dina ati sanubari. Kudu silih papatahan,
silih elingan kalawan hate anu lantip.
Sanggakeun ka Allah puji tina Zabur,
KOLOSE 3.17–22 13
pupujian, jeung kidung-kidung rohani
sejenna dibarengan ku pinuh rasa
panarima jeung sukur.
17 Ucap lampah, salawasna, kudu

kalawan asmana Isa, Gusti Jungjunan


urang, sarta ulah tinggal ti muji sukur
ka Allah nu kersa jumeneng Rama,
kulantaran Anjeunna.
18 Aranjeun, parawanita anu rumah

tangga, masing ngesto ka salaki. Sabab


eta teh, kawajiban umat Al Masih.
19 Aranjeun, nu jaradi salaki, kudu

nyaah ka pamajikan jeung ulah


nganyenyeri.
20 Maraneh barudak, dina sagala rupa

masing nurut ka kolot. Budak anu nurut


ka kolot teh, ku Gusti dipikanyaah.
21 Aranjeun anu jadi kolot, ulah sok

cempadan teuing ka anak, bisi matak


tinggar kalongeun.
22 Aranjeun anu keur kumawula,

satungtung hirup mah, dina sagala hal


kudu ngesto ka dunungan. Nurut teh,
ulah ngan keur hareupeun wungkul,
nya ngarah kapake tea. Nurut teh,
kudu saiklas-iklasna kalawan sieun ku
Pangeran.
KOLOSE 3.23–4.4 14
23 Lampahkeun sagala pagawean sing
enya-enya, kawas digawe pikeun Al
Masih ku anjeun, lain keur manusa.
24 Sing yakin, yen Gusti anu baris

ngaganjarna teh; sakumaha anu geus


ditangtukeun ku Anjeunna. Sabab
dunungan anu sajati pikeun aranjeun
mah, nya Al Masih.
25 Sing saha bae anu lampahna jahat,

tangtu meunang hukuman. Pangeran


mah, moal rek pilih bulu.
1 Aranjeun anu jadi dunungan,

4 masing adil, masing jujur ka anu jadi


bujang; lantaran aranjeun oge, sarua
keur kumawula ka Dunungan anu linggih
di sawarga.
2 Sing manteng dina paneda, sing

caringcing, sarta kudu muji sukur ka


Pangeran.
3 Pangnedakeun deuih simkuring,

mugi ku Allah diparengkeun bisa


ngawawarkeun Injil-Na, medarkeun
rasiah hal Al Masih, anu jadi sabab
pangna simkuring ayeuna dipanjara.
4 Pangnedakeun, supaya simkuring wani

nyaritakeunana kalawan satarabasna,


sakumaha mistina.
KOLOSE 4.5–10 15
5 Dina nyanghareupan golongan anu
teu palercaya, aranjeun kudu lantip.
Satungtung aya keneh waktu mah,
aranjeun kudu enya-enya digawe teh.
6 Nyarita kudu hade tur lantip, supaya

bisa mere jawaban anu merenah ka saha


bae oge.
7 Hal kaayaan simkuring baris

ditepikeun ka aranjeun ku saderek


Tihikus, pangbantu anu satia tur rajin
ngabantuan enggoning ngalampahkeun
tugas ti Gusti; nya jelema pikanyaaheun
tea.
8 Anjeunna dijurung nepungan teh,

supaya dulur-dulur terang kana


kaayaan simkuring. Jaba ti eta, geusan
ngareugreugkeun hate aranjeun ongkoh.
9 Datangna teh, anjeunna baris

dibarengan ku Onesimus, anu sarua


rajinna jeung matak pikanyaaheunana;
nya asal teh, kapan ti dulur-dulur keneh.
Aranjeunna baris nyaritakeun sagala
rupa anu kajadian di dieu.
10 Aya salam ti Aristarkus anu bareng

dipanjara jeung simkuring. Oge ti


saderek Markus, alona saderek Barnabas
tea. Ari hal-ihwal anjeunna mah,
KOLOSE 4.11–16 16
dulur-dulur oge geus dipopoyanan. Muga
ku dulur-dulur diaku sing hade.
11 Aya deuih salam ti Isa tea, anu

katelah Yustus. Ti antara urang Masihi


Yahudi mah, ngan ieu bae anu tiluan
anu marilu baranggawe jeung simkuring
pikeun karajaan Allah teh.
12 Oge salam ti Epapras, abdina Isa Al

Masih, nya anu asal ti dulur-dulur keneh.


Anjeunna kacida neda-nedana ka Allah,
nyuhunkeun supaya iman dulur-dulur
dipengkuhkeun, dipaparin kasadaran
pikeun tumut ka pangersa Allah.
13 Simkuring terang pisan, kumaha

soson-sosonna anjeunna digawe pikeun


aranjeun; kitu deui, pikeun dulur-dulur
saiman di Laodikea jeung di Herapolis.
14 Sobat simkuring, tabib Lukas sarta

saderek Demas ngahaturkeun salam.


15 Pangnepikeun salam ti simkuring,

ka dulur-dulur di Laodikea jeung ka


saderek Nimpa katut dulur-dulur anu sok
karumpulan di imahna.
16 Upama ieu surat geus dibaca di

aranjeun, ihtiarkeun supaya dibaca


deuih di hareupeun jamaah Laodikea.
Kitu deui, surat anu ditujulkeun
KOLOSE 4.17–18 17
pikeun jamaah Laodikea oge hade ku
dulur-dulur dibaraca.
17 Pangnepikeun ka Arsipus: Omat, sing

junun ngalampahkeun tugas ti Gusti teh.


18 Salam sono simkuring, Paulus.

Kalimah ieu mah ditulis ku simkuring


sorangan. Masing inget, simkuring
teh keur dipanjara. Mugi sadayana
marendak sih kurnia ti Allah.
1 Tesalonika
1 Ti Paulus, Silpanus, jeung Timoteus.
1 Kahatur dulur-dulur di jamaah
Tesalonika, umat kagungan Rama, —
nya eta Allah — jeung kagungan Isa Al
Masih, Gusti Jungjunan urang. Mugia
aranjeun sing marendak rahmat rahayu.
2 Upama nilik kaayaan dulur-dulur,

simkuring sapara kanca teh teu weleh-


weleh muji sukur ka kersa Allah jeung
teu petot-petot mangnedakeun.
3 Sababna inget bae teh, lantaran

iman dulur-dulur wuwuh nyata kalawan


prakna; teu eureun-eureun ngajalankeun
amal kanyaahan, bari teu pegat ngandel
ka Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang,
di payuneun Allah, Rama urang.
4 Eta teh tandaning dulur-dulur geus

dipilih jeung diasih ku Mantenna.


5 Sabab simkuring sapara kanca

ngawawaran jalan pisalameteun ka


aranjeun teh, lain ku caritaan wungkul,
estu dibarengan ku kayakinan anu kuat
sarta dituyun ku Ruh Allah. Ku dulur-
dulur oge geus kanyahoan, kumaha
1 TESALONIKA 1.6–10 2
soson-sosonna simkuring sapara kanca
harita upaya pikeun dulur-dulur.
6 Ayeuna dulur-dulur geus daek narurut

kana pangajak simkuring sapara kanca,


nya eta anut ka Gusti. Sanajan loba
halangan-harungan oge, aranjeun daek
narima; tur kalawan sukana ku sabab
hibarna Ruh Allah.
7 Aranjeun teh, nepi ka dipiconto ku

dulur-dulur saiman di Makedoni jeung


Ahaya.
8 Pangandika Gusti teh, ti dulur-dulur,

terus nerekab; — lain ngan semet


Makedoni jeung Ahaya bae — kaimanan
dulur-dulur ka Allah teh, geus kauar-
aerkeun ka mana-mana; jadi, ku
simkuring sapara kanca geus teu perlu
diutik-utik deui.
9 Aranjeun teh, diparuji ku sarerea tina

hal panarimaan ka simkuring sapara


kanca, bareto; kitu deui hal aranjeun
geus ninggalkeun brahala-brahala sarta
malik ngabakti ka sayaktining Allah Anu
jumeneng;
10 bari nganti-nganti sumping Putra-Na

ti sawarga, nya eta Isa — anu geus


digugahkeun ti antara nu paraeh — anu
ngabebaskeun urang tina bebendu Allah.
1 TESALONIKA 2.1 –7 3
1 Ku dulur-dulur oge tangtu karasa,
2 yen pagawean simkuring sapara
kanca keur aranjeun teh henteu gaplah.
2 Di Pilipi mah, simkuring sapara kanca

teh dianiaya jeung dihina; kapan dulur-


dulur oge terang. Tapi sanajan kitu,
kalawan pitulung Allah nu disembah ku
urang, simkuring sapara kanca dipaparin
wawanen ngawawarkeun ka aranjeun,
sanajan loba nu ngahalang-halang.
3 Sabab maksud teh lain arek

nyasabkeun, macikeuh atawa


ngabobodo.
4 Sabalikna, lantaran ngarasa

dipercanten ku Allah ngemban Injil. Lain


malar dipikaresep ku pada jalma, estu
seja nyiar nu dipikamanah ku Allah, anu
uninga kana eusi hate urang.
5 Dulur-dulur tangtu aringet keneh,

iraha teuing simkuring sapara kanca sok


lumah-lameh. Iraha teuing sandar-sindir
anu asal tina hate hawek. Allah nu
langkung tingali.
6 Tara deuih malar pamuji ti pada jalma,

boh ti aranjeun, boh ti nu lianna.


7 Padahal lamun simkuring sapara

kanca rek boga niat kitu mah, bisa


bae; da simkuring sapara kanca teh,
1 TESALONIKA 2.8–13 4
rasul-rasul-Na Al Masih. Nu karasa
mah simkuring sapara kanca teh
kacida nyaahna ka aranjeun, ngasuh
ngamumule lir indung ka anak.
8 Ku nyaah-nyaahna ka aranjeun,

ulah-bon Injil Allah, nyawa oge moal


dikoretkeun, tina awahing kabeuli nya
hate.
9 Tangtu aringet keneh, kumaha

tohtohanana simkuring sapara kanca


harita: Bari ngawurukkeun Injil Allah
teh, simkuring sapara kanca digawe
beurang peuting nyiar kipayah sorangan,
malar ulah ngaripuhkeun ka aranjeun.
10 Tangtu kasaksian ku aranjeun teh;

tur Allah oge ningali, kumaha jujurna,


terus terangna, jeung taya cawadeunana
simkuring sapara kanca, sapanjang keur
aya di aranjeun teh.
11 Enggoning ngawurukan jeung

negerkeun hate aranjeun teh, simkuring


sapara kanca, teu beda ti bapa ka anak;
12 bari ngaping, sangkan hirup aranjeun

teh sapuk jeung pangersa Allah, anu


geus nyaur aranjeun sangkan arasup ka
Karajaana-Na anu mulya.
13 Teu weleh ngarasa sukur ka kersa

Allah, reh dulur-dulur teh geus sakitu


1 TESALONIKA 2.14– 16 5
leahna narima pangwawaran simkuring
sapara kanca; kalawan kayakinan
yen anu diwawarkeun ku simkuring
sapara kanca teh, lain asal ti manusa,
tapi hal pangandika Allah anu geus
ngagerakkeun hate aranjeun datang ka
percaya.
14 Anu kaalaman ku aranjeun, sarua

jeung anu kaalaman ku jamaah Allah di


Yudea, nya eta sakur anu percaya ka
Isa Al Masih. Dulur-dulur dikakaya ku
dulur sabangsa; maranehna oge kitu,
dikakaya ku bangsana, nya eta bangsa
Yahudi.
15 Urang Yahudi teh nepi ka nelasan Isa,

Gusti Jungjunan urang, jeung nabi-nabi;


saterusna, sakur umat Gusti nu aya di
ditu ge dibeberik ku aranjeunna. Ku
kituna, urang Yahudi teh ku Allah henteu
ditolih, ku sasama manusa ge dipikaijid.
16 Anu ngawawarkeun pangandika

Allah ka sejen bangsa supaya pada


salamet, dihalang-halang ku maranehna.
Maranehna sorangan tonggoy henteu
euih-euih, nu matak dosana teh beuki
gede bae. Ayeuna wawalesna geus
datang, maranehna nandangan bebendu
Allah.
1 TESALONIKA 2.17–3.2 6
17 Geus lila naker urang kapaksa
papisah kieu teh, dulur-dulur! Tapi
papisah soteh raga, ari batin mah
tetep padeukeut. Rasa kasono geus
teu kaampeuh, tur geus satekah polah
simkuring sapara kanca teh narekahan
hayang papanggih.
18 Pangpangna nya pihak simkuring,

Paulus, anu pohara nyongsrongna teh.


Geus aya dua kalina ihtiar, tapi ku Iblis
dihalang-halang bae.
19 Saha deui atuh anu baris jadi

harepan, pibungaheun, atawa anu jadi


poko agulkeuneun simkuring sapara
kanca — ari Gusti Jungjunan urang,
Isa Al Masih geus sumping — salian ti
aranjeun?
20 Lain bebenjon, ngan aranjeun

pibungaheun sarta reueus simkuring


sapara kanca teh!
1 Ku sono-sonona, ahirna ceuk pikir,

3 keun bae sorangan di Atena oge!


2 Nya tuluy ngajurung Timoteus heula,

sina negerkeun hate aranjeun jeung


mepeling iman aranjeun; sanajan
anjeunna teh penting keur maturan
simkuring sapara kanca ngawawarkeun
Injil Al Masih.
1 TESALONIKA 3.3 –6 7
3 Nu dimaksud, sangkan dulur-dulur,
saurang ge, ulah kungsi aya nu mundur
ku disusuker. Dulur-dulur tangtu geus
ngama'lum, urang teh baris loba nu
nyusahkeun pedah boga kapercayaan
kieu.
4 Basa babarengan keneh ge, kapan

ku simkuring sapara kanca teh geus


dibejaan yen urang baris katarajang
kasukeran. Bukti geuning karandapan.
5 Eta sababna, nu matak ngutus

Timoteus teh, lantaran hate pohara


kumejotna hayang buru-buru terang
kana kaayaan iman dulur-dulur; awahing
ku risi bisi aranjeun beunang kagoda ku
setan.
6 Tapi saenggeusna Timoteus datang

deui jeung mawa carita anu ngagedekeun


hate, nya eta tetela yen dulur-dulur
teh tetep pengkuh boh dina sual iman,
boh dina sual kanyaah. Saurna deui,
dulur-dulur teh kacida mikatineungna
ka simkuring sapara kanca; eta
teh, teu beda ti simkuring sapara
kanca; da simkuring sapara kanca
oge, mikatineung jeung mikasono ka
aranjeun teh.
1 TESALONIKA 3.7–12 8
7 Iman kapercayaan aranjeun anu
sakitu pengkuhna, mawa tengtrem kana
hate simkuring sapara kanca, nepi ka
poho kana kasusah jeung kasukeran.
8 Sanggeus sidik mah yen dulur-dulur

tetep mantep ka Pangeran, simkuring


sapara kanca ngarasa teger deui.
9 Simkuring sapara kanca teu

manggih pikecapeunana, nya eta kudu


kumaha simkuring sapara kanca teh
ngahaturkeun nuhun ka kersa Allah.
Ku sabab Anjeunna geus maparin
kabungahan patali jeung kaayaan
aranjeun di payuneun Mantenna, Allah
nu disembah ku urang.
10 Beurang peuting simkuring sapara

kanca neneda, hayang diparengkeun


tepung deui, malar matak ngagedean
iman kapercayaan aranjeun.
11 Mugi-mugi Allah, — Rama urang

jeung ka Isa, Gusti Jungjunan urang —


maparin jalan geusan urang patepung
deui;
12 jeung disuhunkeun sih Mantenna,

sangkan dulur-dulur beuki leuwih silih


pikanyaah, boh pada batur, boh ka
sasama sejenna; sakumaha gedena
1 TESALONIKA 3.13–4.4 9
kanyaah simkuring sapara kanca ka
aranjeun.
13 Mugi aranjeun tetep dikersakeun

pengkuh ka Mantenna; sangkan ari Isa,


Gusti Jungjunan urang, sumping bari
diiring ku sakur anu jadi kagungana-Na
anu saruci, dulur-dulur kapendak mulus
beresih di payuneun Allah, Rama urang.
1 Urang teruskeun deui. Dulur-

4 dulur geus diwuruk, kumaha


kuduna sangkan hirup sapuk jeung
pangersa Allah. Hal eta ku aranjeun
geus dilakonan. Parandene kitu,
kalawan pajenengan Gusti Jungjunan
urang, simkuring sapara kanca
meupeujeuhkeun, sangkan leuwih
enya-enya.
2 Kalawan timbalan Isa, Gusti Jungjunan

urang, tea kapan ku simkuring sapara


kanca oge geus dibere pituduh-
pituduhna.
3 Allah mundut, sangkan lampah

aranjeun teh kudu sapuk jeung


pangersa-Na, nya eta suci beresih: Sipat
cawokah kudu dijauhan ku aranjeun.
4 Pek bogaan ku aranjeun pamajikan

sewang-sewangan; sanajan kitu, tetep


kudu jeung tatakrama anu pantes.
1 TESALONIKA 4.5–11 10
5 Ulah kajurung ku pangajak napsu,
saperti jelema anu teu wawuh ka Allah.
6 Jeung omat, ulah pisan aya anu

ngalakukeun dosa jeung ngabobodo ka


dulur-dulur saiman. Bareto ku simkuring
sapara kanca geus diomat-omatan, yen
kalakuan sarupa kitu teh pasti keuna ku
bebendu Gusti.
7 Nu matak disaur ku Allah teh, nya eta

sangkan ulah sakarep-karep, tapi hirup


dina jalan Mantenna.
8 Ku sabab eta, sing saha anu teu malire

kana eta katangtuan, lain teu malire


kana aturan jelema; tapi teu malire kana
aturan ti Allah, anu geus maparinkeun
Ruh Allah anu suci ka aranjeun.
9 Ari sual kudu silih pikanyaah mah ku

simkuring sapara kanca moal ditetek


deui; kapan dulur-dulur ge, geus
tarerang sorangan tina piwulang Allah;
10 tur ku aranjeun geus dibuktikeun ka

dulur-dulur saiman di Makedoni. Anu


dipenta ku simkuring sapara kanca, sing
leuwih ti kitu.
11 Lian ti eta oge, kudu boga tekad

seja itikurih sorangan, ngudag hirup


anu cukup. Ieu teh, sakumaha anu
1 TESALONIKA 4.12– 17 11
diwurukkeun ku simkuring sapara kanca
bareto,
12 malar jaradi jalma nu kaajen jeung

henteu gumantung ka batur.


13 Dulur-dulur! Simkuring sapara kanca

hayang nerangkeun hal nu geus paraeh.


Dina sual ieu, dulur-dulur teu kudu
rempan hariwang; ulah kawas nu teu
baroga pangharepan jaga.
14 Urang, anu percaya ka Isa, — anu

geus gugah tina pupus-Na — yakin yen


anu maot dina iman ka Anjeunna baris
kumpul jeung Anjeunna di payuneun
Allah.
15 Sumender kana piwulang-Na Gusti,

simkuring sapara kanca ngabejaan:


Jelema-jelema anu harirup keneh dina
wanci Gusti Jungjunan urang sumping,
moal rek dianak-emaskeun ti batan nu
geus maraot.
16 Di mana geus aya tangara, malaikat

kapala baris cumeluk handaruan sarta


tarompet Allah ditiup, ti dinya Gusti
Jungjunan urang, ku anjeun lumungsur
ti sawarga. Anu maraot di jero iman ka
Al Masih baris harudang ti heula.
17 Ari nu harita harirup keneh, kabeh

baris dikumpulkeun jeung anu kakara


1 TESALONIKA 4.18–5.5 12
harudang tea; saterusna, urang baris
diangkat babarengan jeung maranehna
kana mega di awang-awang, mapagkeun
Gusti Jungjunan urang. Ti dinya
urang kabeh baris ngancik di Gusti
salalanggengna.
18 Tumali jeung eta, urang teh kudu

silih tegerkeun hate.


1 Simkuring sapara kanca sama sakali

5 teu terang, iraha Gusti Jungjunan


urang teh baris sumping.
2 Teu perlu diterangkeun mangsa

pisumpingeuna-Na teh, da hamo kajudi;


sabab sumping-Na teh, kawas ti peuting
urang teu nyangka-nyangka baris
kaasupan bangsat.
3 Waktu anu ku jalma-jalma disangka

aman sarta taya naon-naon, ana geletuk


teh harita pisan kadatangan bahla, nepi
ka maranehna teu bisa sumingkir deui:
Kantun nyerina, lir kanyerina awewe nu
keur ngajuru.
4 Tapi hirup aranjeun mah, kapan

henteu kabawah ku poek. Jadi, aranjeun


moal kabongohan ku eta Wanci, kawas
kabongohan ku bangsat.
5 Sabab Dulur-dulur mah kabawah ku

caang, nya eta beurang tea. Ari peuting


1 TESALONIKA 5.6–12 13
mah urang moal bisa naon-naon lantaran
poek.
6 Kahade urang mah ulah keuna ku teu

eling, nya eta ngeunah-ngeunah jeg nu


hees, nurutan batur. Sabalikna, kudu
tetep nyaring pikir, eling salalawasna.
7 Mun aranjeun hees atawa mabok mah,

atuh teu beda tina jeung ti peuting!


8 Urang mah anu di lingkungan caang,

nya eta beurang tea, kudu waspada


jeung sayaga. Lir ibarat prajurit anu
make bae baju kere iman jeung
kanyaah; ari balakutakna pangharepan
kana mangsaning rahayu.
9 Urang ku Allah teh henteu ditakdirkeun

geusan nadah hukuman, tapi geusan


dirahayukeun ku Isa Al Masih, Gusti
Jungjunan urang.
10 Isa Al Masih geus pupus pikeun

nalangan urang, sangkan boh keur


hirup keneh, boh geus paeh bisa tetep
sasarengan jeung Anjeunna.
11 Tumali jeung eta, sing tetep kawas

ayeuna, nya eta silih aping silih geuing.


12 Simkuring sapara kanca meredih:

Muga aranjeunna, anu nungtun ka


dulur-dulur jeung ngelingan enggoning
anut ka Gusti, anu geus didaramel
1 TESALONIKA 5.13– 23 14
sakitu paeh-posona pikeun aranjeun;
ku aranjeun teh kudu dihargaan jeung
diajenan.
13 Jungjung ku hate anu pinuh ku tresna

asih. Hargaan padamelanana. Masing


layeut runtut-raut.
14 Jeung omat, lamun aya anu ngedul,

papatahan; nu geus pegat pangharepan


lilipur, tegerkeun hatena; nu lemah,
belaan; ka itu ka ieu sing sabar.
15 Poma, ulah aya anu ngabales goreng

ku goreng. Sabalikna, keprik sangkan


raresep kana melak kahadean, boh ka
pada batur, boh ka masarakat umum.
16 Salawasna kudu janglar kudu hegar.
17 Ulah tinggal ti neneda.
18 Tarimakeun sagala nu dikersakeun.

Kitu anu dipundut ku Allah ti sakur anu


anut ka Isa Al Masih.
19 Poma ulah mareuman Ruh.
20 Ulah ngabaekeun kana ucapan-

ucapan kanabian.
21 Sagala rupa kudu diuji jeung

dipaluruh. Nu hade pageuhan,


22 sakur nu goreng kudu disinglar.
23 Mugi-mugi Allah ku Manten, — anu

jadi sumbering Karahayuan — nyucikeun


aranjeun tina sagala kaluluputan sarta
1 TESALONIKA 5.24– 28 15
jiwa raga katut roh aranjeun ge,
tetep jeung mulus banglus nepi ka
wanci sumping-Na Isa Al Masih, Gusti
Jungjunan urang.
24 Anu geus nyaur dulur-dulur teh,

nya eta Anu Maha Saestu, tangtu


ngalaksanakeun jangji-Na.
25 Doakeun simkuring sapara kanca.
26 Salam sono ka sakabeh dulur-dulur.
27 Demi Gusti, bacakeun ieu surat

simkuring ka sakumna jamaah.


28 Mugi-mugi Gusti Jungjunan urang,

Isa Al Masih, maparinan rahmat ka


aranjeun.
2 Tesalonika
1 TiPaulus, Silpanus, jeung Timoteus.
1 Kahatur dulur-dulur di jamaah
Tesalonika, umat Allah Nu jumeneng
Rama jeung Gusti Jungjunan urang, Isa
Al Masih.
2 Mugia aranjeun dipaparin sih kurnia

katut rahayu ti Allah jeung ti Isa Al


Masih, Gusti Jungjunan urang.
3 Simkuring sapara kanca sapara kanca,

kudu teu petot-petot muji sukur ka


Allah; ku sabab, iman aranjeun ka Isa Al
Masih jeung kanyaah aranjeun ka pada
batur, anu beuki tambah jembar.
4 Munasabah, mun aranjeun, ku

simkuring sapara kanca dipake reueus


ka jamaah-jamaah umat Allah teh.
Sabab memang saenyana. Sakitu
aranjeun teh digencet jeung dikaniaya,
tapi tetep junun ngalakonan iman
kapercayaan.
5 Eta teh jadi bukti, tina adilna

katangtuan hukum Allah; nu geus


nganyatakeun, yen aranjeun layak jadi
2 TESALONIKA 1.6–10 2
warga Karajaana-Na lantaran aranjeun
geus nandang sangsara ku karana eta.
6 Nya ku sabab adil tea, Allah baris

ngahukum ka jelema-jelema anu ayeuna


ngagencet ka aranjeun.
7 Ari aranjeun, — anu ayeuna eukeur

digencet — tanwande ku Mantenna baris


diganjar bareng jeung simkuring sapara
kanca. Eta moal teu bukti, dina waktu
Isa, Gusti Jungjunan urang, rawuh ti
sawarga dina gedurna seuneu jeung
diiring ku malaikat-malaikat-Na anu
garagah.
8 Sakur anu dina hirupna henteu malire

ka Allah, kitu deui anu henteu malire


kana amanat Injil tina hal Isa, Gusti
Jungjunan urang, baris dihukum.
9 Tur dihukumna teh salalanggengna;

disingkirkeun ti payuneun Gusti, nya eta


dijauhkeun tina kamulyaan nu maha
agung nu jadi kagungana-Na.
10 Eta pasti kajadian; di mana geus

datang poe nu agung, nya eta rawuhna


Al Masih pikeun dimulyakeun di antara
umat-Na anu suci; dita'juban ku sakabeh
nu percaya, kaasup oge aranjeun, anu
percaya kana amanat pangandika-Na
2 TESALONIKA 1.11–2.2 3
anu diwawarkeun ku simkuring sapara
kanca.
11 Ku sabab hal eta, simkuring sapara

kanca teu petot-petot mangnedakeun


ka kersa Allah. Mugi-mugi aranjeun
teh, ku Mantenna, dipandang layak
pikeun panyaur-Na. Mugi-mugi ku
kawasa Mantenna, dulur-dulur bisa
disampurnakeun boh dina kahoyong
migawe sagala anu hade, boh dina
nohonan darmaning iman.
12 Upama kitu, tangtu hirup dulur-dulur

matak mulya ka pajenengan Isa, Gusti


Jungjunan urang; tur dulur-dulur oge
baris dipaparin kamulyaan ku Anjeunna:
Ku berkahna sih kurnia Allah jeung
kurnia-Na Isa Al Masih, Gusti Jungjunan
urang.
1 Tumali jeung pisumpingeuna-Na —

2 Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih


— sarta hal urang baris kumpul jeung
Anjeunna teh, simkuring seja pepeling:
2 Pacuan, aranjeun teh ulah beunang

kapangaruhan, — nepi ka tuluy bae


bingung teu puguh — lamun aya beja
anu nyebutkeun yen wancina Gusti
Jungjunan urang sumping teh geus
datang: Boh beja ti roh, boh tina hutbah,
2 TESALONIKA 2.3 –8 4
atawa tina surat-surat simkuring sapara
kanca.
3 Kajeun kumaha oge, aranjeun teh

ulah gampang kabobodo. Sabab eta


Wanci moal waka nepi, samemeh
jelema-jelema malurtad sarta anu jadi
ulon-ulon kadorakaanana katangen.
4 Eta nu jadi ulon-ulon kadorakaan teh,

baris ngalawan ka anu disebut Allah,


ka Anu disembah dibakti ku manusa.
Malah baris anegleng di Bait Allah jeung
susumbar nyebut ieu kami Allah.
5 Hal ieu, bareto ku simkuring geus

dibablaskeun basa keur aya di aranjeun.


Aranjeun aringet keneh?
6 Jadi, tangtu geus moal bireuk

deui, naon sababna ayeuna manehna


acan wanieun ngamimitian. Tapi
upama wancina geus tepi mah, tangtu
nembongkeun maneh.
7 Tapi saenyana, cicing-cicing soteh,

eta tukang ngadorakakeun teh keur


tatan-tatan. Acan prak soteh lantaran
aya keneh anu nahan.
8 Geus nepi kana waktuna mah, — eta

ulon-ulon kadorakaan teh — tangtu


nembongkeun maneh. Tapi pinasti
manehna baris tiwas, mun Isa, Gusti
2 TESALONIKA 2.9–13 5
Jungjunan urang, sumping; manehna
baris dihebos ku napas tina baham-Na
jeung baris musna ku cahaya Anjeunna.
9 Munculna eta ulon-ulon teh, bari

nyangking pangawasa setan; jadi,


manehna teh, baris dibarengan ku
rupa-rupa kakawasaanana, nya eta bisa
nyieun rupa-rupa kaahengan jeung
kaajaiban-kaajaiban nu mawa sasar.
10 Cilaka sakur anu nolak kana

kayaktian nu mawa kana jamuga; sabab


pasti, maranehna, kagoda ku rupa-rupa
tipu dayana.
11 Batin maranehna ku Allah disina

lolong, nepi ka percaya ka anu nipu


merdaya.
12 Ku sabab milihna teh, lain kana

pijamugaeun atawa kana nu sayakti,


tanwande maranehna baris dihukum.
13 Dulur-dulur, kakasih Gusti! Nilik

kana kaayaan aranjeun, simkuring wajib


muji sukur ka Allah. Sabab aranjeun
teh, asup kana golongan jalma-jalma
nu dipilih Allah pikeun disalametkeun
pangheulana: Ku jalan disucikeun
ku kawasaning Ruh jeung ku sabab
aranjeun percaya ka nu sayakti.
2 TESALONIKA 2.14–3.2 6
14 Ku Mantenna, aranjeun teh geus
disaur, nya eta ku jalan Injil anu geus
diwawarkeun ku simkuring sapara
kanca; sangkan aranjeun layak nampa
kamulyaan Gusti Jungjunan urang, Isa
Al Masih.
15 Ku sabab eta, sing pangger sarta

sing pageuh nyekel pangajaran anu


ditepikeun ku simkuring sapara kanca,
boh ku lisan boh ku surat.
16 Mugi-mugi Gusti Jungjunan urang,

Isa Al Masih, kitu deui Rama, — nya eta


Allah anu ka urang teh kersa miwelas
miasih, maparin panglipur abadi jeung
pangharepan anu agung —
17 kersa maparinan kakuatan jeung

wawanen pikeun ngamalkeun kahadean,


boh ku ucap, boh ku lampah.
1 Doakeun simkuring. Pangnedakeun,

3 mugi-mugi sing bisa neruskeun


nyebar pangandika Gusti, sina tumuwuh
turta gancang kaala kalawan hasil anu
gumilang saperti di aranjeun.
2 Pangnedakeun simkuring sapara

kanca, muga ucul ti nu hasud sarta


bisa leupas ti nu niat jahat; ma'lum, da
henteu kabeh jelema daraek percaya.
2 TESALONIKA 3.3 –9 7
3 Tapi Pangeran mah, satia. Dulur-dulur
tangtu ku Mantenna baris dipaparinan
kuat hate sarta diraksa ti Setan.
4 Simkuring menta, demi Gusti, muga

sagala papatah sarta pituduh simkuring,


ku aranjeun teh dilakonan: Ayeuna jeung
saterusna.
5 Ka Gusti, simkuring nunuhun; mugia

ati sanubari aranjeun dipingpin kana


welas asihing Pangeran sarta tahan uji
saperti Al Masih.
6 Kalayan pajenengan Isa Al Masih,

Gusti Jungjunan urang, simkuring


seja meredih, sangkan dulur-dulur
ngajauhkeun maneh ti jalma kedul, anu
teu daek ngalampahkeun papatah anu ti
simkuring sapara kanca.
7 Simkuring geus mere conto: Salila

di aranjeun, tara teuing ngalulungkut


nangkeup tuur embung digawe.
8 Sagala anu kadahar ku simkuring,

teu aya anu teu dibayar; eta teh


beunang dekal-dekul barang gawe
beurang peuting, sangkan ulah matak
ngaripuhkeun ka aranjeun.
9 Lain ku dumeh simkuring teu layak

meunang sokongan, tapi ku bawaning


2 TESALONIKA 3.10– 16 8
hayang mere conto pikeun turutaneun
aranjeun.
10 Basa keur di aranjeun tea, simkuring

geus mere ieu pamadegan: “Mun teu


ngoprek moal nyapek.”
11 Sabab harita, simkuring ngadenge

aya jelema-jelema anu taya gadag sarta


gawena teh ngan ngarerecok urusan
batur bae.
12 Ka jalma-jalma nu kitu, demi Gusti

Jungjunan urang, Isa Al Masih, simkuring


sapara kanca ngawawadian: Kudu daek
ngoprek jeung kudu daek susah payah,
sangkan anu didahar teh beunang
ladang kesang sorangan.
13 Ari aranjeun, dulur-dulur! Ulah

kapok-kapok tatalang reujeung tutulung.


14 Teu mustahil, ieu pituah-pituah ti

simkuring sapara kanca teh aya anu


embung ngadenge. Upama aya cirian,
ulah dirapetan, sina eraeun sorangan.
15 Tapi ulah ari dimusuhan mah, leuwih

hade pepelingan sakumaha pantesna ka


dulur.
16 Mugi-mugi Pangeran Nu jadi

sumbering bagja, maparinkeun nugraha-


Na ka aranjeun, dina sagala perkara.
2 TESALONIKA 3.17– 18 9
Mugi Mantenna kersa nangtayungan
aranjeun.
17 Ahirna, ayeuna, ieu simkuring

ngotretkeun tulisan salam ku leungeun


sorangan: “Salam sono ti Paulus.” Ieu
teh cirina surat-surat simkuring. Tah kitu
rupana tulisan simkuring teh!
18 Mugia aya sih piwelas Isa Al Masih ka

aranjeun.
1 Timotius
1 TiPaulus, rasulna Isa Al Masih,
1 — numutkeun pangersa Allah, Juru
Salamet urang jeung Isa Al Masih,
sumber pangharepan urang —
2 Dumateng Timoteus, anak teges bapa

dina iman. Muga-muga hidep ginuluran


rahmat, welas asih, sarta karahayuan ti
Allah — Rama — jeung ti Isa Al Masih,
Gusti Jungjunan urang.
3 Kahayang bapa mah hidep teh kudu

aya di Epesus, sakumaha pamenta


bapa basa keur arek ka Makedoni
tea. Ari sababna, di ditu teh aya anu
nyebar-nyebar pangajaran mahiwal.
Perlu ku hidep dieureunkeun.
4 Teges-tegeskeun ka maranehna, geura

leungitkeun kituh eta dongeng-dongeng


nataan berendelan ngaran karuhun-
karuhun anu sakitu panjangna
teh; lantaran ngan ngondang
pacekcokan wungkul, lain nungtun
kana katartiban hirup anu ti Allah, anu
kudu dibeunangkeun ku iman.
1 TIMOTIUS 1.5–10 2
5 Bapa menta kieu teh seja ngahudang
deui kanyaah anu bijil ti ati nu wening,
kaluar tina pikiran nu mencrang, jeung
tina iman anu iklas.
6 Geus loba anu naringgalkeun sipat

kieu teh, kalah ka ngaradu omong anu


teu uni.
7 Boro bae hararayang jadi guru Toret,

ari heug kana omongan sorangan ge teu


ngarti sarta kana sual nu dipadukeun teu
nyaho.
8 Memang urang nyaho, Toret teh hade,

asal dipake jeung samistina.


9 Papadaning kitu, kudu diingetkeun:

Hukum Toret teh dijieunna lain keur


jelema anu harade, tapi keur anu
rerempak, keur penjahat, keur nu kupur
jeung doraka, keur nu teu raresep kana
nu suci atawa sual kabatinan, keur
anu ngabinasa indung bapa, keur nu
maehan,
10 keur tukang rucah jeung jinah,

keur anu bangkawarah, keur culik,


keur tukang ngajualan jelema, keur
tukang bohong, keur saksi palsu,
jeung saterusna deui, nya eta anu
papalingpang jeung ajaran anu bener.
1 TIMOTIUS 1.11– 16 3
11 Ari ajaran anu bener teh dasarna
mah, nya eta Injil nu nyaritakeun
ka-Agungan jeung ka-Mulyaan Allah, nu
dipercayakeun ka bapa sarta ku bapa
keur diwawarkeun.
12 Bapa muji sukur ka Isa Al Masih,

Juru Salamet urang, anu geus maparin


kakuatan ka bapa. Muji sukur, reh ku
Anjeunna dipercanten ngemban ieu
papancen.
13 Padahal bapa teh, bareto mah, sakitu

moyokna, ngahina, jeung nganiaya ka


Anjeunna. Tapi Allah, anggur mikawelas
ka bapa; ma'lum ku sabab bapa, bareto
mah, teu percaya; jadi, teu nyaho yen
kalakuan kitu teh salah.
14 Ku Allah, nu maha welas, bapa teh

digunturan sih kurnia, iman, jeung


kanyaah tina sumberna pisan, nya eta
Isa Al Masih.
15 Picatur anu nyebutkeun yen: “Isa

Al Masih sumping ka dunya pikeun


nyalametkeun nu daroraka” teh, tetela
benerna; bukti beunang dipercaya. Ti
antara anu daroraka, nya bapa anu
pangdoraka-dorakana.
16 Tapi malah nya ku sabab eta pisan,

Allah miwelas-Na ka bapa teh. Isa


1 TIMOTIUS 1.17– 20 4
Al Masih, ka bapa, geus mintonkeun
kasabaran anu luar biasa; nepi ka ieu
pangalaman bapa teh, dijadikeun conto
ka sakabeh anu palercaya ka Anjeunna
sapandeurieun bapa, nya eta anu pada
ngarep-ngarep geusan meunangkeun
hirup anu langgeng.
17 Kahormatan jeung kaagungan,

kasanggakeun sapapaosna ka payuneun


Raja nu langgeng, nu teu keuna ku
binasa, jeung maha gaib, nya eta Allah
Anu Tunggal! Amin.
18 Timoteus, anaking! Tugas anu ku

bapa dipercayakeun ka hidep teh,


sajalan jeung hiji nubuwat anu bareto
diucapkeun ka hidep ngeunaan tugas
hidep kiwari.
19 Puhit eta ucapan ti nubuwat teh ku

sanubari hidep anu murni, supaya kuat


iman kapercayaan hidep ngalakonan
utamaning jurit. Aya sawatara jalma
anu ngabarandel, nepi ka leungit iman
kapercayaanana;
20 upamana bae Himenius jeung

Aleksander. Maranehna ku bapa mah


geus diserenkeun ka setan, sina
maranehna teh karapok ngahinakeun
Allah.
1 TIMOTIUS 2.1–8 5
1 Nomer hiji bapa menta
2 malar hidep mangnedakeun,
mangdoakeun, mangnyuhunkeun, jeung
mangnuhunkeun sakabeh jelema,
2 kapala-kapala nagara jeung anu

nyarangking pamarentahan. Sambat,


suhunkeun ka Allah, mugi-mugi urang
bisa hirup ayem tengtrem tur bisa
nekanan hirup saleh kalawan mulya.
3 Paneda kitu tangtu didangu ku Allah,

Juru Salamet urang,


4 anu mikersa sangkan sakabeh jelema

salamet jeung aranut kana kayaktian


Mantenna.
5 Sabab pikeun datang ka Allah anu

tunggal teh, jalanna oge tunggal, nya


ngan ka manusa anu jenengan Isa Al
Masih tea.
6 Anjeunna geus ngorbankeun salira

jadi panebus, pikeun nebus sakabeh


manusa.
7 Ieu amanat iman jeung kayaktian

teh, kudu ditepikeun ka bangsa-bangsa


luareun Yahudi. Guna kaperluan eta,
bapa teh dijieun rasul sarta diutus pikeun
ngaguruan maranehna.
8 Saterusna, kahayang bapa mah,

jelema teh di mana bae oge kudu


1 TIMOTIUS 2.9–15 6
neneda. Kaom lalaki anu ngabdi ka Allah
ari neneda kudu nadahkeun leungeun
kalawan hate anu beresih, ulah aya
geuneuk-maleukmeuk; ulah mawa
unek-unek atawa ambek.
9 Ka kaom wanita, pamenta bapa

mah barang pake teh kudu sarwa


merenah. Dangdan sapantesna bae, anu
sopan; ulah kaleuleuwihi: Buuk ulah
dimodel-model; pakean teu kudu nu
mararahal; ulah reuceum ku perhiasan,
emas, inten, jeung sajabana.
10 Diri mah mending ge didangdanan

ku tingkah laku anu hade, sakumaha


layakna wanita anu ibadah.
11 Wanita mah, kudu diajar lungguh

ampuh andalemi;
12 kudu pantrang mamatahan atawa

marentah ka lalaki, jeung kudu sareh


sumerah.
13 Sabab manusa anu pangheulana

dipidamel ku Allah teh, nya eta Adam;


geus kitu, kakara Hawa.
14 Anu beunang ku pangwujuk Iblis

nepi ka ragragna kana dosa oge, nya eta


wanita, lain lalaki.
15 Papadaning kitu, wanita oge, baris

disalametkeun; ku sabab maranehna


1 TIMOTIUS 3.1–6 7
geus nyorang kanyeri dina ngajuru;
jaba ti eta, maranehna ge kudu
pengkuh iman, boga kanyaah, jeung
laku-lampahna ge kudu basajan.
1 Aya kacapangan anu kacida

3 keunana: “Hayang jadi pamingpin


teh cita-cita nu kacida mulyana.”
2 Sabab pamingpin jamaah teh, teu

meunang aya cacad celana: Kudu satia


ka bojo, titih jeung rintih, daek nyaliksik
diri, tartib, adab, akuan ka tatamu, ahli
kana ngatik,
3 ulah nyandu kana inuman, teu

meunang ketus haseum budi, kudu


someah, daek akur daek ngakurkeun,
tur ulah piduit.
4 Kudu bisa ngamudi rumah tanggana,

bisa ngawarah tur dipikaajrih ku anak.


5 Upama ka rumah tangga sorangan

ge, geus teu bisa ngamudi; atuh komo


nungtun jamaah Allah, rek bisa ti mana?
6 Lebah dieu tetela, jalma anu kakara

bus, jadi murid Gusti Jungjunan urang


mah, teu meunang diangkat jadi
pamingpin jamaah; bisi unggah adat,
anu antukna kabendon sanasib jeung
Iblis.
1 TIMOTIUS 3.7–13 8
7 Di luareun jamaah oge, pamingpin
mah, ngaranna teh kudu seungit, ulah
aya anu bireuk; sangkan ulah meunang
panangtang anu antukna bisa ngaleok
kabawa setan.
8 Kitu deui, anu jaradi pangatik jamaah

oge, kudu jelema anu diajenan, jujur,


ulah pamabokan, ulah hawek;
9 batinna ge, kudu beresih jeung

pageuh muhitna kana rasiah iman


kapercayaan.
10 Memeh diangkat teh, aranjeunna,

kudu dipaluruh heula. Mun geus tetela


taya cacad kuciwana, kakara aranjeunna
meunang mangku jabatan.
11 Bojona ge kudu hade tabeatna, ulah

resep ngupat, jeung kudu jujur sagala


laku-lampahna.
12 Pangatik jamaah teh, kudu caroge ti

hiji bojo, kudu bisa nungtun anak bojo,


kudu bisa nerapkeun pangwarah ka
kulawarga.
13 Pangatik nu hade, pangaruhna ge

baris hade tur bisa laluasa, waktu


anjeunna nyarita perkara iman ka Isa Al
Masih.
1 TIMOTIUS 3.14–4.3 9
14 Ieu perkara ku bapa perlu ditulis
ayeuna, najan bapa teh aya niat
buru-buru manggihan hidep.
15 Maksudna, bisi bae, bapa elat

datang; jadi, hidep geus terang kumaha


kuduna hirupna parawarga Allah Anu
jumeneng, Anu jadi pamageuh jeung
dasaring kayaktian tea.
16 Teu hamham deui, rasiah kaimanan

urang teh mutuh agungna: “Anjeunna,


anu geus kersa ngalap rupa manusa, ku
Ruh Allah geus dibuktikeun bener-Na,
kasaksi ku paramalaikat, dimashurkeun
ka saban bangsa, dipercaya ku nu araya
di dunya, dijungjung kana kamulyaan.”
1 Ruh Allah geus teges nerangkeun,

4 yen dina jaman-jaman ka dieunakeun


bakal loba anu murtad; maranehna
teh, kagusur ka jalan sasar, kasarad ku
roh-roh anu matak nyasabkeun jeung
pangajaran setan-setan.
2 nya eta tukang-tukang tipu anu

munapek, anu geus teu boga bebeneran


sama sakali.
3 Ku maranehna, jelema-jelema

dilarang kawin jeung sawatara


kadaharan diharamkeun; padahal,
eta kadaharan teh tunggal, ciciptan
1 TIMOTIUS 4.4–9 10
Pangeran; taya halanganana didahar
ku anu palercaya ka Allah mah, asal
dinuhunkeun heula dina paneda.
4 Da taya atuh, hiji oge, dadamelan

Allah anu teu hade teh. Kadaharan mah,


teu aya anu teu meunang didahar; asal
ditarimakeun ku puji jeung sukur.
5 Lantaran kabeh oge enggeus jadi suci,

disucikeun ku pangandika Allah jeung ku


paneda tea.
6 Upama hidep sanggup negeskeun sual

ieu, ka dulur-dulur urang nu saiman;


nyata hidep teh berbudi, ciri abdining Isa
Al Masih. Hidep pribadi kudu ngabayuan
diri ku papakon-papakon kaimanan
jeung ajaran anu waras, anu ku hidep
kiwari eukeur dianut.
7 Kahade hidep teh, ulah kapincut ku

dongeng-dongeng anu sipat tahayul.


Anggur latih diri hidep kana ibadah.
8 Latihan badaniah gunana teh kawates.

Sabalikna, ari latihan kana ibadah mah,


gunana teh keur sagala-gala; sabab
dieusi ku jangji pijamugaeun hirup, boh
keur ayeuna, boh keur jagana.
9 Ieu teh saestu pisan wajib dipercaya

jeung ditarima mutlak.


1 TIMOTIUS 4.10– 15 11
10 Naon sababna urang daek nyorang
susah payah hese cape? Taya lian
lantaran urang ngandel ka Allah,
Juru Salametna sakabeh manusa,
pangpangna sakur anu percaya ka
Mantenna.
11 Pek sual ieu teh ku hidep

parentahkeun jeung papatahkeun.


12 Sanajan hidep ngora keneh,

tembongkeun yen hidep teu bisa


disapelekeun. Ucapan, tingkah laku,
kanyaah, iman, katut kamulusan hidep
mugia sing matak jadi conto ka sakur
anu saiman.
13 Sabot bapa acan datang, hidep kudu

leukeun, boh dina maca Kitab Suci,


boh dina mepelingan ka dulur-dulur
sakapercayaan, boh dina pangajaran.
14 Kurnia ti Allah anu geus nyampak

di diri hidep, ulah diteler-teler. Eta


kurnia teh, asalna tina nubuwat; ku
hidep geus katarima, waktu hidep
ditumpangan panangan ku parakokolot,
basa diistrenan tea.
15 Pake eta teh, lampahkeun, imankeun,

malar hidep maju sarta kamajuanana


katembong ku balarea.
1 TIMOTIUS 4.16–5.5 12
16 Jaga diri hade-hade, sing ati-ati
nya ngajar. Sing suhud sing junun
ngalakonanana; sabab eta teh matak
jamuga, boh keur hidep pribadi, boh keur
batur anu balalener ngabandunganana
ka hidep.
1 Saterusna, hidep oge, ari negor

5 ka nu enggeus karolot mah, ulah


keras-keras; jadi, sing cara ka bapa.
2 Ari ka sasama budak ngora, sing cara

ka dulur. Kitu deuih, ari ka wanita-wanita


anu geus kolot, sing kawas ka indung.
Tuluy ari ka paramojang, sing kawas
ka lanceuk atawa adi kalawan hate anu
jujur.
3 Ka randa-randa, anu enya randa,

masing hormat.
4 Sabalikna, upama randa-randa eta

teh, boga anak atawa incu; eta anak


incuna teh, sing sina rumawat, minangka
pamales budi ka indung bapa atawa
nini akina. Eta teh, sapuk pisan jeung
pangersa Allah.
5 Upama randa, anu enya randana tea

geus tinggal nyorangan pisan, kudu sina


muntang ka Allah neda piwelas-Na; da
Mantenna nu baris mitulung teh jeung
ngajaring beurang peuting.
1 TIMOTIUS 5.6–11 13
6 Sabalikna, randa anu resep kana
senang-senang jeung sakama-kama,
najan hirup keneh oge, beunang
disebutkeun geus paeh.
7 Bejaan kudu ngajaga tingkah laku,

ulah nyieun picelaeun.


8 Sing saha bae oge anu tambelar ka

kaom kulawargana, komo ka anggota


rumah tanggana sorangan; eta teh
ngaranna murtad, leuwih goreng ti batan
anu henteu boga iman.
9 Randa anu umurna acan genep puluh

taun, ulah waka diasupkeun kana daptar.


Dina geus meujeuhna diasupkeun kana
daptar ge, kudu nyumponan heula sarat:
Bogana salaki ngan sakali;
10 kalakuanana kaceluk hade; alus

rumawatna ka anak; akuan ka tatamu;


daek mangumbahkeun suku sasama
umat Allah; lian ti eta, manehna oge
daek nalang ka nu susah. Cindekna,
kumureb kana sagala gawe anu harade.
11 Randa-randa anu ngarora keneh

mah, ulah diasupkeun kana daptar. Bisi,


maranehna, katarik hayang kawin deui;
— heug bae embung ngalakonan deui
kawajiban ti Al Masih —
1 TIMOTIUS 5.12– 18 14
12 eta hartina ingkar tina jangji seja
satia ka Anjeunna.
13 Atawa sok unjung-anjang ngadon

ngobrol miceunan waktu, pipilueun kana


urusan batur, sarta ngobrolkeun nu teu
parantes.
14 Alusna, randa-randa nu ngarora

keneh mah, heug karawin deui bae:


Sina baroga anak jeung ngurus rumah
tangga; malar anu jaradi lawan teh, ulah
boga upatkeuneun ti urang.
15 Da aya randa-randa anu ingkar tina

jalan anu bener, terus ngapruk kana


jalan setan.
16 Kitu deuih, upama dina hiji kulawarga

aya randana. Eta kulawarga teh,


boga kawajiban ngabayuan anggotana
anu geus randa tea. Jadi, ulah nepi
ngarerepot jamaah; sangkan jamaah
bisa laluasa ngabayuan randa-randa,
anu enya-enya perlu dibantu hirupna.
17 Kokolot anu hade ngokolotanana,

kudu diajenan dua kali lipet. Komo


lamun anjeunna getol hutbah jeung
ngawuruk mah.
18 Sabab ceuk Kitab oge: “Munding

anu keur dipake, ulah diborongsongan;”


1 TIMOTIUS 5.19– 23 15
jeung: “Nu digawe wajib meunang
upah.”
19 Hidep ulah guguan ka anu ngadukeun

kokolot, kajaba lamun pangaduanana


kuat saksi, nya eta aya dua atawa tilu
jalma.
20 Anu tetela salah, bolekerkeun bae

dosana sina kanyahoan ku sarerea,


sangkan anu sejen oge sarieuneun.
21 Bapa meredih ka hidep: Demi Allah,

demi Isa Al Masih, jeung malaikat-


malaikat anu kapilih; jalankeun ieu
katangtuan teh ka nu karitu, tong
asa-asa jeung ulah beurat sabeulah.
22 Jaba ti kitu, hidep ulah gampang-

gampang numpangkeun leungeun,


ngangkat jalma geusan nyekel papancen
jamaah. Ulah kabaud ku jelema anu
doraka. Jaga diri hidep sangkan tetep
mulus.
23 Nginget hidep teh, sakitu ririwitna;

bapa nganasehatan, sangkan hidep


nginum anggur oge, barang saregot
mah; jadi, ulah ngan nginum cai
wungkul. Eta teh perlu, keur
ngalembutkeun kadaharan dina
padaharan.
1 TIMOTIUS 5.24–6.5 16
24 Mungguh kasalahan jalma teh, aya
anu ujug-ujug breh katohyan, — siga
anu miheulaan lumpat arek ngadakwa
ka pangadilan — aya oge anu kabukana
sanggeus kalilanakeun.
25 Lampah hade ge, kitu; aya anu breh

harita keneh, aya nu henteu; tapi kabeh


oge, mo burung nembrak.
1 Anu hirup di bawah pasangan,

6 tegesna nu kumawula, kudu boga


anggapan yen dununganana teh jalma
nu wajib dihormat. Eta teh wajib
hukumna, malar nu lian ulah meunang
jalan geusan moyok kana pajenengan
Allah jeung rukun ibadah urang.
2 Wurukkeun eta teh ku hidep.
3 Sing saha anu ngajar tojaiah, boh

jeung timbalan nu saestu — nya eta anu


ti Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih —
boh jeung nu rukun ibadah urang;
4 tetela nu kitu teh jalma guminter,

padahal taya kanyaho. Kikituanana


wungkul keur pipaseaeun, nyieun
padengkian, pacekcokan, upat-sinuat,
timburu,
5 jeung papaduan anu manjang antara

jelema-jelema anu geus leungiteun akal


sehat jeung anu geus leungit bebeneran,
1 TIMOTIUS 6.6–12 17
anu nyangka yen ibadah teh bisa dipake
jalan cari untung.
6 Memang, lamun dibarengan ku

katumarimaan mah, ibadah teh, bisa


mere kauntungan anu luar biasa.
7 Sabab urang gumelar ka dunya teh

teu mawa naon-naon, oge ana mulang


moal bisa mawa naon-naon.
8 Ku bisa dahar jeung make ge, urang

teh geus kudu ngarasa untung.


9 Sabab kapincut ku kabeungharan teh,

matak mawa kana sasar; lian ti eta, oge


matak karanggeum ku angen-angen
anu nya minculak, nya nyilakakeun; anu
antukna mah, tigebrus kana kabinasaan.
10 Sabab watek pidunya atawa piduit

teh, mangrupakeun akar sagala


kajahatan. Sababaraha jalma oge,
aya anu geus cul iman ku sabab
katungkulkeun ku nyiar duit tea;
da antukna mah, maranehna teh
nganyenyeri hate sorangan.
11 Hidep mah da jalma anu percaya ka

Allah, kudu baid ka nu karitu teh. Anggur


masing adil, jujur, ibadah, kuat iman,
nyaahan, tahan uji, sarta someah.
12 Prung geura tarung; pek balap

ngamalkeun kayaktian di medan iman.


1 TIMOTIUS 6.13– 17 18
Hontal hirup langgeng nu jadi pahlana.
Hidep disaur ku Allah teh, — ku jalan
ngikrarkeun pangaku kapercayaan di
hareupeun saksi-saksi tea — nya geusan
eta tujuanana!
13 Di payuneun Allah — nu maparin hirup

kana saniskara — sarta di payuneun


Al Masih, — anu geus mintonkeun
panyaksen sakitu sampurnana ka
Pontius Pilatus — hidep, ku bapa ayeuna
dipentes:
14 Jalankeun ieu parentah sajujur-

jujurna, sing ulah aya kuciwana, nepi


ka datang Poening sumpingna Gusti
Jungjunan urang, Isa Al Masih.
15 Sumpingna geus pasti dina wanci-Na,

kalayan timbalan pangjurung Allah,


Maha Kawasa Nu tunggal, Rajaning
sagala raja, Gustining sakabeh gusti;
16 tur anging Mantenna nyalira anu tan

kenang pati, anu ngancik sajeroning


cahaya anu teu bisa katembus. Taya
hiji jalma anu kungsi nenjo Mantenna,
taya hiji jalma nu baris nenjo Mantenna.
Kahormatan, kakawasaan anu langgeng,
kasanggakeun ka Mantenna. Amin.
17 Anu baleunghar ku hidep kudu

diwawantian, supaya ulah adigung; ulah


1 TIMOTIUS 6.18– 21 19
neundeun harepan kana barang anu taya
katangtuanana, nya eta kabeungharan
upamana. Ngaharep mah kudu ka Allah,
anu kawasa maparin sagala kani'matan.
18 Titah ku hidep, sina maranehna hade

laku, sing sugih ku amal asih, amal


saleh, sarta mere maweh;
19 itung-itung nyengcelengan

kahadean; teangeun keur jaman


engke, nya eta pikeun dasar hirup anu
kiwari eukeur disungsi.
20 Timoteus, anaking! Rawatan

pangajaran anu geus kacangking ku


hidep teh masing apik. Jauhan omongan-
omongan anu teu aruni sarta pangajaran
gapong taya pulunganeunana, anu
dipajarkeun teh “elmu” tea.
21 Teu wudu aya, sabab sababaraha

anggota teh geus nganut ka eta elmu,


nepi ka ingkar tina iman kapercayaan.
Mugia hidep katut dulur-dulur mendak
berkah Allah.
2 Timotius
1 Ti Paulus, anu ku marga timbalan
1 Allah, jadi rasul-Na Isa Al Masih;
diutus pikeun ngembarkeun amanat
ngeunaan hirup anu asalna ti Isa Al
Masih.
2 Dumateng jeng putra Timoteus. Mugia

hidep ginuluran berkah rahayuning Allah


— Rama — jeung Gusti Jungjunan urang,
Isa Al Masih.
3 Puji jeung sukur — anu medal ti

saliring ati sanubari — kasanggakeun ka


pangkon Allah, anu dibaktian ku bapa
jeung ku karuhun-karuhun bapa. Bapa
ngarasa sukur ku kaayaan hidep, anu
ku bapa teu eureun-eureun didoakeun
beurang peuting.
4 Bapa teh inget bae ka hidep lantaran

cipanon hidep tea. Jadi bapa teh pohara


tibelatna, hayang gok bae papanggih,
tada teuing pibungaheunana.
5 Bapa yakin, iman hidep ka Allah estu

saiklasna; moal beda ti iman Lois, eyang


hidep anu istri, kitu deui ti iman Enika,
indung hidep.
2 TIMOTIUS 1.6–10 2
6 Pamenta bapa, lakonan eta iman teh
masing sumanget. Eta teh sih kurnia
ti Allah ka hidep, waktu hidep ku bapa
diberkahan tea. Gedurkeun dina hate
hidep.
7 Nu dipaparinkeun Allah ka hidep

teh, lain roh anu kecing; tapi Ruh anu


ngahudang wawanen, kanyaah, jeung
matak bisa ngadalian diri.
8 Ku sabab eta, hidep ulah ngarasa

era ku perkara Gusti Jungjunan urang.


Jeung ulah era ku hal bapa dijieun
sakitan pedah satuhu ka Anjeunna.
Muga hidep dijurung ku kakawasaan
Allah, sangkan wani nyorang bahla
bahayana ngawawarkeun Injil-Na.
9 Urang geus disalametkeun ku

Mantenna, dipilih jeung dijadikeun


umat-Na. Lain pedah urang boga jasa,
tapi ku karana geus kitu maksad-Na.
Jadi, dasarna teh sih kurnia, anu geus
ti samemeh gelar pajamanan oge geus
ditangtoskeun baris dipaparinkeun ka
urang, demi Isa Al Masih.
10 Kiwari, eta sih kurnia-Na teh, geus

bukti ku sumpingna Isa Al Masih,


Juru Salamet urang. Anjeunna geus
namatkeun kakawasaan Maot sarta ku
2 TIMOTIUS 1.11– 16 3
karana Injil, jalan anu brasna kana hirup
nu langgeng, geus kabuka.
11 Geusan ngawawarkeun Injil eta, bapa

diangkat jadi juru wawar, rasul, sarta


guru.
12 Nya ku sabab eta, nu matak bapa

nandang sangsara oge. Tapi bapa henteu


kaduhung. Sabab bapa nyaho pisan, ka
saha percaya teh. Bapa yakin yen Allah
kawasa ngaraksa kana amanat-Na anu
diembarkeun ku bapa tea, tug, nepi ka
Poe nu agung.
13 Eta pangajaran ti bapa anu sakitu

mulusna, ku hidep cekel sing bener.


Jadikeun pituduh enggoning ngalakonan
iman jeung ngamalkeun kanyaah anu
asalna ti Isa Al Masih.
14 Sagala anu geus dipercayakeun ka

hidep teh mulya kabina-bina. Heug, hal


eta teh, dijaga sing hade-hade kalawan
pitulungna Ruh Allah anu ngancik di diri
urang.
15 Hidep nyaho, bapa teh geus

ditaringgalkeun, boh ku urang Asia


Leutik, boh ku Figelus, boh ku
Hermogenes.
16 Bapa ngadoakeun pisan ka

Onesiporus sakulawarga. Anjeunna


2 TIMOTIUS 1.17–2.4 4
sering pisan niiskeun pikir bapa. Muga-
muga anjeunna mendak rahmat Allah.
Sabab anjeunna, teu era-era ngalongok
bapa ka jero panjara.
17 Basa di Rum, anjeunna kungsi ngubek

neangan bapa, nepi ka kapanggihna.


18 — Di mana enggeus datang kana

Poe-Na, mugi-mugi anjeunna mendak


nugraha ti Gusti — Kitu deui, basa bapa
keur di Epesus. Anjeunna ge pohara
dagdag-degdegna nguruskeun; kapan
hidep oge nyaho.
1 Anaking! Mugia hidep kuat

2 ngemban amanat pangandika anu


dikurniakeun ku Allah dina katunggalan
jeung Isa Al Masih.
2 Pangandika anu ku hidep kadenge

ti bapa, waktu dikotbahkeun ka jalma


rea tea, ku hidep kudu diajarkeun
ka jelema-jelema anu kira-kira baris
bisaeun deuih ngajarkeun ka nu sejen.
3 Hidep pribadi ulah jejerih sieun ku

kasukeran, kumaha layakna perjurit Isa


Al Masih anu utama.
4 Perjurit anu eukeur manggul tugas,

henteu musingkeun dirina ku urusan


anu aya di saluareun kadinesan, malar
kapake ku kapalana.
2 TIMOTIUS 2.5–10 5
5 Kapan dina olahraga ge, ari hayang
meunang mah, kudu nurut kana
aturan-aturanana.
6 Dina tani, anu pangheulana bisa

metik hasil teh, patani anu digawena


enya-enya.
7 Eta sababna, ieu weweling bapa

teh ingetkeun, malar hidep meunang


pitulung ti Gusti.
8 Hidep sing inget, Isa Al Masih, —

anu geus sumping ngajadi manusa,


gelar ka dunya ti turunan Daud —
geus digugahkeun tina pupus-Na. Ieu
pisan anu ku bapa dijieun acining
pangwawaran teh.
9 Ku lantaran bapa ngawawarkeun hal

eta, bapa teh, nepi ka dibui, dijieun


kawas ka penjahat. Tapi mungguh
pangandika Allah mah pamohalan bisa
kabarogod.
10 Tur bapa oge daek ngawayahnakeun

maneh, dina nandanganana; sangkan


jelema-jelema anu ku Allah geus
dipilih teh, marareunang kasalametan
sarta kamulyaan anu langgeng, ku
manunggalna jeung Isa Al Masih. Ieu
picatur di handap teh, bener:
2 TIMOTIUS 2.11– 17 6
11 “Ku sabab urang geus ngiring paeh
ka Anjeunna, tangtu oge baris ngiring
hirup jeung Anjeunna.
12 Lamun kuat tur sabar dina

nandangan, urang baris ngiring


ngarajaan. Sabalikna lamun mungkir, ku
Anjeunna ge tangtu dipungkir.
13 Najan urang teu satia, Anjeunna mah

tetep satia-Na. Sabab Anjeunna mah,


hamo mungkiran salira-Na.”
14 Pepelingkeun ku hidep, ngeunaan hal

eta, ka anggota-anggota. Demi Allah,


wanti-wantikeun ka maranehna ulah sok
parebut omong, euweuh hasilna, ngan
matak bingung ngadengena bae.
15 Hidep sorangan kudu ihtiar, sangkan

hidep kaanggo ku Allah; sakumaha


layakna pagawe anu hade, anu teu era
ngemban timbalan ti Mantenna, tur
ati-ati enggoning ngawurukkeun amanat
kayaktian.
16 Hidep kudu ngajaga diri, ulah nepi

ka gorgar parebut paisan kosong jeung


jelema-jelema tukang loba omong.
Sabab hal eta teh, ngan matak tambah
ngajauhkeun jelema ti Allah.
17 Pangajaran maranehna teh, lir ibarat

panyakit kangker anu nyaliara dina


2 TIMOTIUS 2.18– 22 7
awak. Di antara maranehna teh, aya
jelema anu ngarana Himenius jeung
Piletus,
18 anu geus alingkar tina kayaktian.

Ceuk maranehna: Kiamat teh geus


kajadian. Temahna, aya sawatara jalma
anu nepi ka ruksak imanna.
19 Tapi pademen kenging Allah mah,

reugreug pageuh sarta dicap ku tulisan


anu kieu unina: “Pangeran uninga,
nu mana kagungana-Na.” Jeung: “Nu
rumasa jadi umat Pangeran, kudu
miceun kadorakaan.”
20 Paparabotan imah anu gede mah

pepek, aya nu tina emas perak, aya anu


tina kayu, jeung anu tina taneuh oge
aya. Anu tina emas jeung perak paranti
pesta, anu tina kayu jeung taneuh mah
pikeun sapopoe.
21 Anu geus meresihkeun diri tina

kadorakaan, baris dipakena kana tujuan


anu luhung; lir parabot imah anu ku nu
bogana dipupusti, dipakena ngan pikeun
maksud-maksud anu utama wungkul.
22 Hidep ulah nurutkeun perbawa

napsu kangoraan. Udag kaadilan jeung


kanyaahan, hontal kaakuran, bareng
jeung kanca-kanca anu pada-pada
2 TIMOTIUS 2.23–3.3 8
temen-tinemenan ngandel jeung
ngaharepna ka Pangeran.
23 Hidep ulah daek diajak papaduan

ngeunaan sual-sual anu mahiwal tur


euweuh mangpa'atna. Ku hidep tangtu
kama'lum, yen nu kitu mah ngan
nungtun kana papaseaan wungkul.
24 Padahal nu jadi abdining Gusti mah,

teu meunang papaseaan sarta salawasna


kudu someah ka sarerea. Kudu jadi guru
anu luhung, lantip, sabar,
25 sarta lemah-lembut dina

nyanghareupan lawan. Malakmandar


lawan teh ku Allah dipaparinan jalan
kana pertobat, nya eta daek narima
kayaktian,
26 lilir pikirna lantaran diuculkeun tina

cangkereman Iblis anu ngawasaan


maranehna.
1 Anaking! Dina jaman ahir bakal aya

3 rupa-rupa kasukeran.
2 Jalma-jalma jaradi sararakah, piduit

kabina-bina, takabur, galede hulu,


upatan, ngalawan ka kolot, taya
panarima, ngapilainkeun ka Allah,
3 ilang kanyaah, ahli ngagogoreng,

ngumbar napsu, telenges, dedegler,


2 TIMOTIUS 3.4–10 9
4 hianat, nekad, mokahaan, ieu aing,
batan ibadah anggur biur ngecak-ngebur.
5 Ibadahna teh, ti luarna wungkul;

ari jero-jerona mah, teu dipake. Anu


kararitu teh kudu singkiran sing jauh!
6 Aya deui anu sok unjung-anjang

ka imah batur jeung mangaruhan


awewe-awewe anu gampang kaolo,
anu geus kabugbrugan dosa, sarta
karimbunan napsu-napsu.
7 Awewe-awewe eta teh, teu weleh-

weleh ngulik kana bebeneran mah, tapi


tetep teu nyaho kana kayaktian.
8 Eta teh, ku lantaran ngalawan kana

kayaktian, nepi ka ruksak budina pecat


imanna. Awewe-awewe nu kitu teh,
teu beda ti Yanes jeung Yambres, anu
baheula ngalawan ka Musa tea.
9 Lian ti eta, kalakuan anu kararitu mah,

moal bisa lana; geuning kawas Yanes


jeung Yambres tea ge, kabodoanana
teh, baris gancang-gancang katangar ku
sarerea.
10 Sukur, hidep mah satia kana

pangajaran bapa, kalakuan bapa,


pamadegan bapa, iman bapa,
kasabaran bapa, kanyaahan bapa, sarta
2 TIMOTIUS 3.11– 16 10
kapengkuhan bapa. Hidep ge, geus
nyorang dikaniaya jeung sangsara,
11 sakumaha nu geus kaalaman ku bapa

di Antioki, Ikonium jeung di Listra tea.


Bapa geus nandangan kaniaya-kaniaya
eta jeung Gusti ge, geus ngaleupaskeun
bapa tina sakabeh kaniaya.
12 Memang, anu ibadah ka Allah jeung

percaya ka Isa Al Masih mah geus pasti


nandangan panganiayaan.
13 Tapi mungguhing anu jahat mah,

baris tambah jahat; tukang tipu ge,


baris beuki maceuh bae tupa-tipuna teh;
maranehna ngalakukeun hal eta, lain ka
batur bae, tapi ka dirina sorangan oge.
14 Kayaktian anu ku hidep enggeus

kacangking tur geus jadi kayakinan. Hal


eta, ku hidep kudu terus dicangking bari
kudu eling ka anu merena.
15 Inget, ti leuleutik hidep geus diajar

Kitab Suci, anu ngalantarankeun hidep


boga pangarti jeung nungtun kana
kasalametan, ku jalan iman ka Isa Al
Masih.
16 Saeusining Kitab Suci teh, kabeh

ge, wahyu ti Allah, keuna pisan


pikeun ngadegkeun kayaktian, pikeun
ngawuruk, pikeun nuduhkeun kasalahan,
2 TIMOTIUS 3.17–4.5 11
pikeun ngomean tingkah laku, nungtun
kana hirup anu lempeng tur bener.
17 Jadi, jelema-jelema nu jaradi abdi

Allah teh, geus dilengkepan ku pangarti,


supaya maranehna bisa ngalampahkeun
sagala pagawean anu hade.
1 Bapa menta ka hidep di hadirat

4 Allah jeung Isa Al Masih, anu baris


nerapkeun hukum adil ka anu harirup
jeung nu paraeh. Demi pisumpingeuna-
Na jeung demi Karajaana-Na:
2 Embarkeun amanat pangandika Allah!

Sing sabisa-bisa, boh keur salse, boh


keur riweuh; sing bisa ngayakinkeun ka
batur, papatahan, benerkeun, bari ulah
tinggal ti kasabaran.
3 Sabab baris datang mangsana,

jelema-jelema teh arembung ngadenge


kana omongan sehat, kalah ka sakama-
kama jeung maluruh guru-guru anu
ucap-ucapanana dapon ngareunah kana
ceuli wungkul.
4 Kana perkara anu sayaktina mah,

maranehna wani nyarocokan ceuli; teu


cara kana perkara anu bid'ah jeung
tahayul, ceulina wani raracung.
5 Dina suasana anu kumaha bae oge,

hidep kudu tetep bisa ngawasaan


2 TIMOTIUS 4.6–11 12
diri jeung kudu daek wayahna. Hidep
ulah kapok ngalakonan papancen.
Pangwawaran kudu jalan terus!
6 Bapa onaman, geus tereh kana ngocor

getih — lir kurban — sarta tereh kana


nekanan ajal.
7 Ayeuna bapa geus rengse tina jurit tur

jeung unggulna; iman bapa ge, teu cecel


teu bobocel.
8 Ayeuna bapa eukeur ngadago pahlana,

nya eta makuta kayaktian, anu ku Gusti


Hakim Nu adil baris diserenkeun dina
Wanci poeana-Na. Lain ka bapa bae, tapi
ka sarerea oge, nya eta sakur anu nyaah
jeung nganti-nganti pisumpingeuna-Na.
9 Coba ihtiar, sangkan hidep bisa

buru-buru datang ka bapa.


10 Sabab bapa geus kaleungitan ku

sababaraha urang. Kahiji ku Demas, anu


ninggalkeun bapa lantaran kagembang
ku barang dunya. Manehna geus indit ka
Tesalonika. Kadua ku Kreskes, anu ku
bapa dititah ka Galata. Katilu ku Titus,
anu ku bapa dititah ka Dalmatia.
11 Ayeuna bapa teh ngan ukur jeung

Lukas bae. Ajakan Markus ka dieu, perlu


pikeun ngurusanan bapa.
2 TIMOTIUS 4.12– 18 13
12 Sabab Tihikus, ku bapa geus dititah
ka Epesus.
13 Sakalian, ku hidep, bawa jubah bapa

anu ditunda di Troas tea, di imah Karpus;


kitu deui, kitab-kitab bapa, sumawonna
kitab anu tina kulit tea mah.
14 Aleksander, Ki paledang tea, pohara

gorengna ka bapa. Anging Gusti anu


wenang ngabalesna mah: Satimpal
jeung kalakuanana.
15 Hidep oge, kudu ati-ati

nyanghareupan manehna. Sabab


kacida ijideunana, kana pangajaran ti
urang teh.
16 Basa perkara bapa mimiti dipariksa,

mani taya hiji-hiji acan anu bela, kabeh


nyalingkir ti bapa. Tapi mugi-mugi
bae, ku Allah teu dietangkeun kana
naon-naon!
17 Sukur, harita, Gusti mah henteu

ngantunkeun. Tapi maparin kategeran


nepi ka bapa bisa jucung mere
pangwawaran tur didarenge ku jelema-
jelema anu aya di saluareun bangsa
Yahudi. Harita, bapa teh sasat leupas ti
maung anu rek nekuk.
18 Taya deui — anging Gusti — nu

baris ngaleupaskeun bapa tina sagala


2 TIMOTIUS 4.19– 22 14
pakewuh sarta baris nyandak bapa ka
Karajaana-Na di sawarga. Kamulyaan
kasanggakeun ka Anjeunna sapapaosna!
Amin.
19 Tepikeun salam bapa ka Priska,

Akuila, jeung ka Onesiporus


sakulawarga.
20 Ari Erastus, tuluy bae matuh di

Korinta. Sedengkeun Tropimus mah


ditinggalkeun di Mileta; da keur gering.
Hidep ka dieu teh, kudu samemeh usum
tiris.
21 Aya salam ti Ebulus, Pudes, Linus,

jeung Klaudia; kitu deui, ti sakabeh


dulur-dulur.
22 Muga hidep disarengan ku Gusti sarta

diaping ku berkah sih kurnia-Na!


Titus
1 Ti Paulus, abdining Allah sarta
1 rasul Isa Al Masih, anu dipiwarang
nguatkeun iman umat Allah sarta
nungtun maranehna kana kayaktian
nurutkeun agama anu diagem ku urang,
2 anu didadasaran ku pangarep-ngarep

kana hirup langgeng tea. Allah anu


ngajangjikeun hal ieu ka urang, ti alam
bihari keneh, mustahil jalir.
3 Sanggeus nitih kana wanci, eta jangji

teh ku Mantenna dibuktikeun dina


pangwawarana-Na. Eta pangwawaran
teh dipercayakeun ka simkuring, ku
Allah, Juru Salamet urang.
4 Surat dumateng Titus, anu ku karana

saiman sasat anak pituin, nepi ka


urang jadi sabeungkeutan. Muga anjeun
pinanggih rahmat, piwelas katut rahayu
ti Allah Rama, jeung ti Isa Al Masih, Juru
Salamet urang.
5 Nu matak anjeun ditinggalkeun di pulo

Kreta teh, nya eta pikeun memeres jeung


neruskeun hanca. Anjeun kudu ngangkat
kokolot-kokolot pikeun jamaah, di
TITUS 1.6–11 2
unggal-unggal tempat. Dasarna kudu
nurutkeun pituduh ti simkuring tea, nya
eta:
6 Nu kudu diangkat teh, anu mulus

kalakuan, anu teu nyandung, anu anak-


anakna balageur, anu taya cawadeunana,
jeung anu tara ngabarandel.
7 Sabab jeneng pamingpin jamaah teh

manggul papancen ti Allah, teu meunang


nyieun codeka, teu meunang gumede,
panas-baran, mabok, teu kaopan, jeung
hawek.
8 Sabalikna, pamingpin jamaah mah

kudu darehdeh, biluk ka nu hade, sabar,


adil, iklas, lantip,
9 kukuh kana ajaran sajati sarta

luyu jeung pangajaran anu geus


katarima. Tah nu karitu anu baris
bisa nerapkeun ajaran sajati teh, anu
baris bisa ngahatean jamaahna, tur
wani menerkeun kasalahan-kasalahan
jelema-jelema anu boga tekad ngalawan.
10 Da loba keneh atuh anu ngaralawan

teh, anu rek ngasupkeun pangajaran


nu nyeleweng; pangpangna mah, ti
golongan umat turunan Yahudi.
11 Nu kararitu, kudu dibekem sungutna.

Sabab pangajaranana, matak runtag


TITUS 1.12–2.1 3
sajamaah. Pangna ngarulik elmu teu uni
oge, taya lian ti rek nyiar untung nu teu
halal.
12 Nepi ka aya urang Kreta, nabina

pisan, kungsi ngomong kieu: "Urang


Kreta mah, saumur-umur, jaba ti wadul
teh teu beda ti kerud, nya gembul nya
kedul."
13 Bener naker eta ucapan teh. Weweleh

nu karitu teh ku anjeun, malakmandar


iman kapercayaanana pulih deui;
14 ulah sina ngeukeuweuk bae talari

karuhun Yahudi, ngagul-ngagul aturan-


aturan beunang manusa, teu malire
kayaktian.
15 Pikeun anu hatena suci mah, sagala

ge suci. Sabalikna, pikeun nu pecat


iman mah, euweuh nu suci lantaran nya
pipikiran nya kalakuan, kotor bae.
16 Majar maneh nyaho ka Allah, ari

kalakuan sabalikna. Jelema-jelema


karitu mah, gawena ngan ngaralawan
bae, pinuh ku kaijid, jeung taya
pupurieunana.
1 Tepikeun ku anjeun pangajaran anu

2 sehat.
TITUS 2.2–10 4
2 Nu karolot, papatahan: Kudu rintih,
asak jeujeuhan, make wibawa, mulus
iman, nyaahan, jeung sabar.
3 Kaum ibuna, papatahan: Kudu hirup

sakumaha pantesna nu dipikolot, ulah


upatan, ulah jadi budak inuman, kudu
bisa mere pituah pupurieun,
4 ngajar anu ngora sina nyaah ka salaki

jeung ka anak,
5 lantip, surti, jadi ibu rumah tangga

anu utama, anu ngesto ka salaki,


pikeun ngajaga supaya ulah aya anu
ngagorengkeun kana pangandika Allah.
6 Barudak ngorana kudu dididik sina

harideng barisa mawa diri.


7 Anjeun sorangan, kudu jadi picontoeun

dina sagala hal. Mun ngawuruk, anjeun


kudu jujur, enya-enya,
8 basana sing ngaguluyur, ulah

ngondang pibantaheun, sangkan nu niat


ngalawan era sorangan tina teu manggih
cawadeun ti anjeun.
9 Anu karumawula, papatahan: Kudu

nurut dina sagala rupa ka dunungan,


ulah bantahan,
10 ulah salingkuh, kudu beunang

dipercaya salawasna, sagala


pagaweanana kudu matak tambah
TITUS 2.11–3.1 5
jinungjungna ajaran Allah, Juru Salamet
urang.
11 Sabab Allah teh, geus maparin

rahmat kasalametan ka sakumna


manusa.
12 Sih kurnia Mantenna teh ngandung

pepeling, sangkan urang miceun lampah


doraka jeung hawa napsu dunya; jaba ti
eta, urang ge supaya nyaliksik diri, jujur,
sopan, sarta ibadah dijaman kiwari;
13 bari manteng kana pidatangeunana

mangsaning rahayu, nya eta wanci


ebrehna kamulyaan Allah jeung Juru
Salamet urang Nu agung, Isa Al Masih.
14 Anjeunna geus ngorbankeun salira

ngabela urang, sangkan urang luput tina


sagala nu jahat, ngajadi hiji umat anu
geus disucikeun tina dosa, sarta rajin
ngalampahkeun kahadean.
15 Tah wurukkeun kitu. Dina mere

sumanget jeung ngayakinkeun jelema,


anjeun, sabisa-bisa kudu ngandung
pangaruh; sangkan saha bae ge, ulah
bisa ngajojore.
1 Anjeun kudu ngawawadian Jamaah,

3 supaya tunduk ka anu nyekel


pingpinan, nurut kana pituduhna, sarta
siap nohonan gawe nu hade.
TITUS 3.2–7 6
2 Ulah sok upat-sinuat ulah nyiar
picekcokeun, hade tata hade basa ka itu
ka ieu.
3 Da urang ge tadina mah cupet,

bantahan ka Allah, sasar, jeung jadi


bujang kahayang, tukang ngumbar
kasukaan, pikacuaeun batur bari silih
pikangewa.
4 Sukur, Allah, nu jadi Juru Salamet

geus mintonkeun welas asih-Na,


5 kersa nyalametkeun ka urang. Lain

pedah urang hade laku; tapi eta mah,


saestu ku karana sih piwelas-Na bae;
Ari Mantenna nyalametkeun urang teh,
nya eta ku jalan urang geus enya-enya
narima baptisan anu ngalambangkeun
yen urang teh geus ngajadi hiji jelema
anu anyar dijurukeun sarta narima hirup
anu salawasna dianyarkeun ku Ruh
Allah.
6 Eta Ruh Allah, dipaparinkeun ku Allah

ka urang teh tanpa wates wangen, ku


perantaraan Isa Al Masih, Juru Salamet
urang.
7 Ku berkahna sih kurnia Isa Al Masih,

urang teh bisa nyorang hirup anu bener,


tur aya hak meunang warisan tina hirup
anu langgeng, anu keur diarep-arep tea.
TITUS 3.8–13 7
8 Ieu teh pasti, hamo gagal. Omat, hal
ieu muga ditetelakeun enya-enya ku
anjeun, sangkan anu keur aribadah teh
suhud junun dina kahadean. Tanwande
gede tur alus mangpa'atna.
9 Ulah sina beunang kapancing ku anu

niat ngajak padu sual berendelan ngaran-


ngaran karuhun bari nyawalakeun ajaran
Toret nepi ka matak parasea. Kalakuan
kitu teh, siwah tur sama sakali taya
gunana.
10 Anu sok ngabengkahkeun mah,

lamun geus teu beunang diingetan ku


sakali dua kali, geus ulah dipirosea deui.
11 Kama'lum ku anjeun ge, jelema

kitu mah sasar, engke ge kahukum ku


polahna sorangan.
12 Upama utusan simkuring geus datang

ka anjeun, duka Artemas duka Tihikus,


sabisa-bisa anjeun kudu geuwat neang
simkuring ka kota Nikopolis; sabab salila
usum tiris mah, simkuring rek mukim
heula di dinya.
13 Pangnulungankeun Senas, ahli

hukum tea, kitu deui Apolos. Sabisa-bisa,


pangihtiarkeun sagala kaperluanana,
sina maranehna buru-buru bisa mariang
ngalakonan gawe.
TITUS 3.14–15 8
14 Dulur-dulur ge, ku anjeun nasehatan:
Kudu dialajar digawe kituh, nyiar rejeki
anu halal keur nyumponan pangabutuh
sorangan, malar hirupna aya gunana.
15 Dulur-dulur anu keur bareng jeung

simkuring ayeuna, ngaririm salam.


Pangnepikeun salam sono simkuring ka
dulur-dulur saiman. Mugi-mugi rahmat
Allah nyarengan ka saderek.
Filemon
1 Ti Paulus, anu keur dipanjara
1 ku karana Isa Al Masih, jeung ti
saderek Timoteus. Serat kahatur saderek
Pilemon, sobat jeung mitra sagawe.
2 Oge kahatur Nyi Apia jeung saderek

Arsipus kanca saperjuangan urang


tea; katut dulur-dulur jamaah anu
karumpulanana sok di saderek.
3 Mugi-mugi sadayana ginanjar rahmat

rahayu berkah ti Allah, Anu jumeneng


Rama, jeung ti Isa Al Masih, Gusti
Jungjunan urang.
4 Saban-saban neneda, simkuring tara

tinggal ti ngunjukkeun saderek ka Allah


dibarung ku muji sukur;
5 lantaran ngadenge saderek pohara

nyaah satiana ka Isa, Gusti Jungjunan


urang, jeung ka sakumna umat Allah.
6 Simkuring neneda deui, mugi-mugi

tali mimitran jeung saderek teh matak


nambahan jembarna paningal saderek
kana satiap mangpa'at buah-buahna
pagawean urang kanggo Al Masih tea.
FILEMON 1.7–13 2
7 Kanyaah anu ku saderek diipuk dina
hate sakur anu palercaya teh, estu
matak bungah jeung matak lipur ka
simkuring.
8 Ngingetkeun urang teh saiman ka Al

Masih, simkuring wani tadah-tuduh anu


ku saderek perlu dilakonan.
9 Tapi ngingetkeun kana kanyaah

saderek, simkuring moal rek ngudukeun.


Simkuring, Paulus, — tina rumasa geus
kolot tur keur aya di jero panjara ku
karana Isa Al Masih —
10 seja menta tulung keur Onesimus

tea; anu sasatna, dina harti rohani mah,


manehna teh anak simkuring.
11 Tadina mah, pikeun anjeun,

Onesimus teh tanpa guna. Tapi ayeuna


mah, geus jadi tanaga anu penting, boh
keur saderek, boh keur simkuring.
12 Ayeuna, eta beubeulahan hate

simkuring teh, rek dipulangkeun deui ka


saderek.
13 Saenyana, nurutkeun kahayang mah,

mending sina tetep heula ngabantu


simkuring sabot eukeur dipanjara, — ku
karana Injil tea — itung-itung wawakil
anjeun.
FILEMON 1.14–19 3
14 Tapi papadaning kitu, teu pisan-pisan
seja nangtukeun kudu kitu. Ieu mah
manawi saderek rido, supaya saderek
ulah ngarasa kapaksa enggoning
ngalampahkeun ka hadean teh.
15 Kawasna, pangna saderek kudu pisah

ti Onesimus sawatara lilana teh, sangkan


ayeuna manehna saumur-umur aya deui
di saderek.
16 Bedana, ayeuna mah, manehna teh

geus lain harkat kawula deui. Tapi leuwih


ti kitu, da manehna teh geus jadi dulur
nu dipikanyaah. Kitu, ari simkuring ka
manehna mah. Nya komo ku saderek
mah, boh sacara lahir, kitu keneh sacara
iman ka Al Masih.
17 Ku kituna, upama enya anjeun ngaku

mitra ka simkuring; ngaku ka Onesimus


teh, sing cara ka simkuring bae.
18 Bisi bae manehna kungsi ngarugikeun

atawa boga hutang ka anjeun,


tempuhkeun ka simkuring bae.
19 Nya Paulus, anu nandatangan

dina ieu surat nu baris mayaranana.


Simkuring moal rek nyabit-nyabit, yen
saderek teh geus kahutangan pati ka
simkuring.
FILEMON 1.20–25 4
20 Tapi demi pajenengan Gusti, mugi
anjeun kersa nulungan simkuring sakali
ieu mah. Demi Al Masih, simkuring teh
ku hayang dibubungah ku anjeun.
21 Simkuring nyuratan teh kajurung ku

kayakinan, yen saderek baris mere teh


leuwih ti nu dipenta.
22 Salian ti eta, simkuring teh hayang

dipangnyadiakeun kamar; sabab gede


harepan yen simkuring teh, — berkah
doa anjeun keneh — baris kawidian ku
Allah mulang deui ka anjeun.
23 Aya salam pikeun anjeun ti saderek

Epapras, batur sapanjara simkuring;


dipanjarakeun teh, nya kitu, pedah
anjeunna percaya ka Al Masih oge.
24 Kitu deui anu eukeur ngabarantu

pagawean simkuring: Markus,


Aristarkus, Demas jeung Lukas ngaririm
salam oge.a
25 Mugi-mugi aranjeun mendak sih

piwelas-Na Al Masih.

a2Tim 4:10-11
Ibrani
1 Baheula, Allah sering ngandika
1 nganggo rupa-rupa cara ka karuhun
urang, ditepikeunana ku nabi-nabi.
2 Kiwari, — dina jaman ahir — ngandika-

Na ka urang teh, ku perantaraan Putra-


Na anu geus diserenan sakabeh perkara.
Langit jeung bumi oge, dijadikeunana
teh, nya ku Putra-Na.
3 Nya Anjeunna nu jadi cahaya

kamulyaan Allah, nu ngalap kana salira


Allah ku manten. Nya Anjeunna anu
murba ka saniskara ku Pangawasa
Pangandikana. Sanggeus nyucikeun
manusa tina dosa, Anjeunna munggah
deui ka sawarga, linggih di tengeneun
Allah Nu Maha Kawasa.
4 Allah ngajungjung Putra-Na leuwih

luhur batan paramalaikat; hal eta, tetela


tina gelaran-gelarana-Na anu aragung.
5 Taya hiji malaikat oge, an u geus

didawuhan kieu ku Allah cara Anjeunna:


“Hidep estu Anak Kami, anu diyugakeun
ku Kami kiwari.” Taya hiji malaikat anu
kenging dawuhan cara Anjeunna: “Nya
IBRANI 1.6–12 2
Kami pi-Ramaeunana, ari Anjeunna nya
Putra Kami.”
6 Nalika eta Putra Cikal teh diutus ka

dunya, Allah ngandika kieu: “Malaikat-


malaikat Allah, kabeh wajib ngabakti ka
Anjeunna.”
7 Ari hal malaikat-malaikat mah

didawuhkeuna-Na teh kieu: “Malaikat-


malaikat ku Mantenna dijadikeun
gelebugna angin ribut, abdi-abdi-Na
dijadikeun gedurna seuneu.”
8 Ngeunaan Putra-Na: “Singgasana

Gusti, nun Pangeran, sapapaosna moal


oyag moal gedag. Gusti ngereh Karajaan
kalawan adilna.
9 Gusti miasih ka nu satuhu, cua kana

kajahatan. Eta margina, nu mawi ku


Allah, Panutan Gusti diserenan kawasa
nyangking kamulyaan, punjul ti anu
sanes-sanesna.”
10 Aya deui, kieu: “Kawitna, nun Gusti,

Gusti ngajadikeun langit jeung bumi,


dipidamel ku panangan ku anjeun.
11 Eta sadayana bakal sirna, nanging

Gusti mah tetep jumeneng. Sadayana


baris bobo sapertos anggoan,
12 ku Gusti baris ditilepan sapertos

nilepan lawon, baris digentos jeg


IBRANI 1.13–2.3 3
ngagentos anggoan. Dupi Gusti mah
hamo barobah, hamo aya heubeul-Na.”
13 Ka paramalaikat mah, Allah teu

kantos ngadawuh kieu: “Hiap, hidep diuk


katuhueun Kami, Kami baris ngagusuran
musuh-musuh hidep, sina ngajaloprak
dina suku hidep.”
14 Ana kitu, naon atuh ari paramalaikat?

Taya lian, eta mah kabeh oge bangsa


roh purah ngalalayanan; nu diutus ku
Allah purah ngadeudeul manusa anu rek
dipaparin kasalametan.
1 Ku kituna, urang kudu beuki

2 saregep kana perkara-perkara anu


geus tepi kana ceuli urang. Sabab
lamun teu kitu, urang baris leungiteun
padoman.
2 Amanat anu ditepikeun ngan ukur

ku malaikat-malaikat ge sakitu penting


kabina-bina. Tepi sing saha nu teu
malire, nya teu nurut kana eta amanat
teh, pinasti meunang hukuman anu
satimpal.
3 Rek bisa lolos kumaha urang tina

hukuman, upama urang teu daek malire


kana eta amanat kasalametan. Nya anu
ngawitan ngembarkeunana teh, Gusti
Jungjunan urang ku anjeun. Ti dinya, ku
IBRANI 2.4–8 4
sakur anu ngarupingna dinyatakeun ka
urang yen hal eta, estu saenyana.
4 Tur, hal eta teh, dikuatan ku Allah

ku manten anu mintonkeun rupa-rupa


tanda ajaib, mujijat-mujijat, jeung
dadamelan-dadamelan anu araheng.
Lian ti eta, Allah teh ngurniakeun Ruh
Allah, numutkeun pisapuk manah-Na.
5 Dunya, dina jaman anu bakal datang,

ku Allah henteu dikawasakeun ka


paramalaikat.
6 Anggur sakumaha ceuk Kitab: “Nun

Pangeran, naon tea manusa teh, pangna


ku Gusti dugi ka dipikamelang? Sareng
saha manusa teh, nu mawi ku Gusti
dilayad?
7 Mung pikeun sakedap bae, Anjeunna,

ku Gusti dikersakeun aya di sahandapeun


malaikat-malaikat teh; salajengna mah,
Anjeunna dimakutaan ku kamulyaan
sareng kaagungan.
8 Dikawasakeun murba kana saniskara,

nalukkeun sagala rupi kana dampal


sampeana-Na.” Ari anu ku Allah
ditalukkeun ka Anjeunna teh, estuning
saniskara perkara. Tegesna, taya pisan
anu diiwalkeun. Kiwari, yen saniskara
IBRANI 2.9–12 5
geus ditalukkeun ka Anjeunna teh, ku
urang acan katembong.
9 Anu ku urang geus kasaksian mah,

nya eta: Isa teh kantos sakeudeung


ku Allah disina leuwih rendah batan
malaikat, sina pupus pikeun kabeh
manusa anu kalintang dipiwelas-Na ku
Allah. Tapi sanggeus Anjeunna nemahan
pati, lajeng ku Allah dimakutaan ku
kamulyaan jeung kaagungan.
10 Sabab ku Allah, — anu jadi Maha

Cipta jeung anu jadi panyacapan


sakabeh perkara — Isa teh dijadikeun
jejer jalan kasalametan; Anjeunna ge,
geus disina nyorang sangsara heula,
nya pikeun ngahontal kasampurnaan
tea, sangkan Anjeunna iasa nyandak
loba manusa manjing kana kamulyaan
sawarga.
11 Anjeunna, — anu nyanggakeun

manusa ka pangkon Allah — jeung


manusa anu disanggakeuna-Na teh,
asalna sami tunggal sa-Rama. Ku
kituna, Anjeunna teh henteu lingsemeun
ngangken dulur ka manusa.
12 Saur-Na oge: “Pajenengan Ama, nun

Allah, ku Abdi sumeja dimashurkeun


IBRANI 2.13–18 6
ka sadaya dulur-dulur, sumeja dipuji di
jamaah.”
13 Saur-Na keneh: “Kami nanggeuhkeun

pangharepan ka Allah.” Jeung: “Ieu


Kami, babarengan jeung anak-anak
Kami paparin ti Allah.”
14 Ku sabab anu diangken jadi putra-

putra-Na teh manusa biasa, Anjeunna


iklas nyamikeun salira ka maranehna;
nya hurip-Na teh sakumaha hirup
maranehna, supaya ku jalan pupus-Na,
setan anu ngereh alam maot teh,
ditumpes.
15 Lian ti eta, supaya sakur anu saumur

hirupna teu leupas-leupas tina kasieun


ku kawasaning ajal, bisa leupas tina
geugeuhanana.
16 Tetela, anu dibela dipiwelas ku

Anjeunna teh lain paramalaikat, tapi


umat turunan Ibrahim.
17 Kitu, pangna Anjeunna dina sagala

perkara disamikeun jeung dulur-dulur-Na


teh; nya supaya enggoning maranehna
ngabdi ka Allah, Anjeunna iasa jadi
Imam Agung anu satia tur welas asih
enggoning nebus dosa umat-Na.
18 Ku lantaran Anjeunna kantos

nandangan rupi-rupi cocoba, Anjeunna


IBRANI 3.1–6 7
iasa maparin kakuatan ka sakur anu
keuna ku cocoba.
1 Dulur-dulur! Aranjeun anu ku

3 Allah enggeus disaur jadi umat


kagungana-Na. Puseurkeun perhatian
aranjeun ka Isa, anu ku Allah geus
diutus pikeun jadi Imam Agungna urang.
2 Anjeunna kacida kumurebna ka Allah,

anu ngajenengkeuna-Na; sakumaha


Musa kumureb kana nohonan papancen
di sakuliah wangunan Allah.
3 Parandene, Isa mah leuwih-leuwih

hormateuna-Na ti batan Musa. Da


sawajarna, ari nu ngawangun mah,
leuwih mulya ti batan nu diwangunna.
4 Tiap wangunan, tangtu aya anu

ngawangunna. Ari wangunan jagat alam


raya, diwangunna teh ku Allah.
5 Di jero eta wangunan kagungan Allah,

nya Musa anu jadi abdi Allah anu tuhu


kana papancen. Papancenna teh, nya eta
jadi saksining timbalan Allah anu bakal
diandikakeun.
6 Tapi Al Masih mah, kumureb-Na

teh, sakumaha kumurebna nu jadi


Putra, anu dikawasakeun ngurus
panglinggihan kagungan Rama. Urang
bisa ngarasa betah matuh di dinya, tapi
IBRANI 3.7–12 8
saratna urang kudu berjuang kalawan
temen-tinemenan tur tahan uji tepi
ka panganggeusan, jeung manteng
cengeng ka anu diarep-arep.
7 Regepkeun dawuhan Ruh Allah ka

aranjeun, anu ungelna: “Upama maraneh


poe ieu ngadenge timbalana-Na,
8 poma, ulah neuaskeun hate kawas

nu enggeus-enggeus, waktu maraneh


ngalawan ka Allah, jaman diuji di tegal
kikisik tea.
9 Harita, karuhun-karuhun maraneh

geus wani wangkelang sarta curiga


ka Kami; padahal, nepi ka opat puluh
taun pisan maranehna teu petot-petot
nyaksian padamelan Kami.
10 Ahirna, Kami nepi ka kudu amarah ka

maranehna. Nepi ka ceuk Kami: ‘Dasar


tukang sasar pikir, arembung nyaho
kana jalan nu ti Kami.’
11 Bawaning amarah, Kami nepi ka

sumpah: ‘Maranehna hamo bisa milu ka


tempat pangreureuhan Kami.’”
12 Ku sabab eta, masing ati-ati; ulah

nonggongan jeung nyieun pamolah


anu matak jaheut manah Allah Anu
jumeneng.
IBRANI 3.13–18 9
13 Anggur kudu silih elingan unggal-
unggal poe, satungtung anu disebut
“poe ieu” aya keneh, supaya ulah nepi
ka aya anu sasar kasered ku dosa, tuluy
bae mengpetan hate!
14 Mun rumasa jadi anggota kaluwarga

Al Masih, kudu teguh kudu pengkuh


nangtung dina kayakinan anu enggeus
diyakinkeun ti awal-awalna, kudu tagen
nepi ka jucungna.
15 Sing inget, kumaha ceuk Kitab:

“Upama maraneh poe ieu ngadenge


timbalana-Na, poma ulah mengpet
bae kawas ka tukang-tukang, waktu
maraneh ngalawan ka Allah.”
16 Saha jelema-jelemana, anu

ngadarenge timbalana-Na, tapi anggur


ngaralawan? Nya eta jelema-jelema anu
ku Musa dituyun budal ti Mesir tea.
17 Saha jelema-jelemana, anu ku Allah

dibenduan salila opat puluh tahun? Nya


eta jelema-jelema anu daroraka, anu
disina paraeh di alas kikisik.
18 Saha jelema-jelemana, anu

diragragan supata sina ulah bisa manjing


ka tempat pangreureuhan Allah? Na
saha atuh lamun lain anu warangkelang
ka Mantenna?
IBRANI 3.19–4.4 10
19 Munasabah teu barisa manjing ka
dinya oge, bongan henteu palercaya!
1 Widi Allah pikeun manjing ka

4 tempat pangreureuhan Mantenna,


saenyana laku keneh tepi ka kiwari.
Tinggal urangna anu kudu ati-ati,
sangkan ulah aya anu nepi ka tinggaleun
cara maranehna.
2 Padahal maranehna oge kawas urang

ngadarenge uaranana. Tapi tetela, eta


uaran anu sakitu pentingna teh, pikeun
maranehna mah teu aya berkahna
lantaran ngadarenge ge embung
percaya.
3 Tapi urang, anu percaya saestu-

estuna, tangtu widi ka tempat


pangreureuhan Mantenna, tempat
anu ku Mantenna ditimbalkeun:
“Bawaning amarah, Kami nepi ka
sumpah: Maranehna hamo asup ka
tempat pangreureuhan Kami.” Kitu
ditimbalkeunana, sanajan saniskara
padamelana-Na geus rengse ti barang
dunya dijadikeun.
4 Tumali jeung poe anu katujuh, aya

timbalan anu kieu: “Dina poe nu katujuh,


Allah reureuh tina sagala damel-Na.”
IBRANI 4.5–10 11
5 Parandene, bet aya timbalana-Na, anu
ungelna: “Maranehna hamo manjing ka
tempat pangreureuhan Kami.” Naha?
6 Jadi, tetela aya hiji tempat reureuh,

anu bisa kajugjug ku sabagian manusa.


Tapi jelema-jelema anu pangheulana
ngadarenge uaran anu sakitu pentingna,
malah teu barisa nepi ka dinya lantaran
arembung nurut.
7 Ku sabab eta, sakumaha urang

terang, Allah teh nyayagian keneh hiji


poe anu disebut “Poe ieu,” anu enggeus
mangpirang-pirang alam ku Mantenna
ditimbalkeun ku parantaraan Daud,
ungelna: “Upama maraneh, poe ieu,
ngadenge timbalana-Na, poma ulah
mengpet hate.”
8 Upama jaman harita Yosua

bisa mingpin rayatna ka tempat


pangreureuhan Allah tea, Allah teh moal
kantos nyayagian poe sejen.
9 Jadi, umat Allah teh masih keneh

kudu nunggu datangna hiji Sabat (poe


kareureuhan) nu sajatina.
10 Sabab sing saha anu manjing ka

tempat pangreureuhan Allah, baris


reureuh tina sagala kawajibanana;
IBRANI 4.11–15 12
sakumaha Allah oge anu geus reureuh
tina sagala damel-Na.
11 Ku sabab eta, urang kudu ihtiar

sing junun malar bisa asup ka eta


tempat; ulah nepi ka tikosewad lantaran
wangkelang cara anu daroraka tea.
12 Pangandika Allah teh, saestu hirup

tur kawasa; leuwih seukeut alah batan


ti pedang anu dua pangadekna, bisa
parat kana puseurna nyawa jeung roh,
sanggup tembus kana sungsum reujeung
tulang, sanggup maca kalayang taliti
sagala angen-angen jeung pipikiran
manusa.
13 Taya hiji mahluk anu bisa nyingkuran

Mantenna, kabeh ge nembrak nonggerak


di hadirat-Na. Nya ka Mantenna urang
kudu tanggung jawab teh.
14 Sing pageuh ngagem iman

kapercayaan teh. Sabab urang boga


Imam Agung anu geus nyungsi sawarga,
nya eta Isa, Putra Allah.
15 Imam Agung urang teh kalintang

mihawatirna kana kahengkeran urang,


da puguh Anjeunna oge geus sami-
sami ngarandapan cocoba kawas
urang. Bedana teh, Anjeunna mah teu
kagungan dosa.
IBRANI 4.16–5.5 13
16 Ku hal eta, urang teh bisa ngarasa
reugreug nya hate nyolondo ka
payuneun singgasana Allah anu maha
welas asih. Tanwande, urang, ku
Mantenna diangken, ditampi kalayan
asih sarta dipaparin rahmat dina danget
urang butuh.
1 Tiap imam agung, dipilihna teh,

5 pikeun ngawakilan bangsana


ngajalankeun ibadahna ka Allah;
nya pikeun nyanggakeun pangbakti-
pangbakti jeung kurban panebus dosa
tea.
2 Anjeunna kudu tahan jeung sabar

mayunan rayat anu kurang pangarti tur


sok sarasab.
3 Ku sabab papada lemahna, pangbakti-

pangbakti jeung kurban teh, lain keur


nebus dosa bangsana wungkul, tapi oge
keur nebus dosana ku anjeun.
4 Pikeun nyangking pangkat anu

sakitu agungna teh, henteu bisa ku


ngajenengkeun anjeun, tapi kudu aya
panyaur heula ti Allah, saperti Imam
Harun.
5 Al Masih oge, kenging-Na kahormatan

jadi Imam Agung teh lain ngajenengkeun


anjeun, estu ku timbalan Allah anu kieu:
IBRANI 5.6–12 14
“Hidep estu Anak Kami, anu diyugakeun
ku Kami poe ieu.”
6 Sakumaha dawuhana-Na dina

salah sahiji enas lianna: “Hidep teh


Imam langgeng, numutkeun papagon
Melkisidik.”
7 Sapanjang jumeneng di dunya,

Anjeunna teu lesot-lesot tina neneda


ka Allah, anu sanggup nyalametkeun
Anjeunna ti alam kubur. Neneda-Na teh
sok nepi ka lumengis sarta ku lantaran
kasalehan-Na, matak paneda-Na ku
Allah dikabul bae.
8 Najan jadi Putra Allah, Anjeunna suka

lilah diajar sadrah nandangan sangsara,


9 nepi ka ngahontal kasampurnaan

jeung jadi marganing kasalametan


langgeng keur anu palercaya ka
Anjeunna.
10 Lajeng ku Allah dijenengkeun Imam

Agung, saperti Melkisidik.


11 Tina sual Isa jadi Imam Agung teh,

saenyana mah, loba pisan anu kudu


diterangkeun teh. Tapi rek nerangkeun
nepi ka eces mah, hese; da aranjeun
mah kana ngarti teh laliat pisan.
12 Pantesna mah, aranjeun teh

geus bisa; malah kuduna mah, geus


IBRANI 5.13–6.3 15
ngajarkeunana; lantaran nya geus
sakitu lilana, dialajar nyaho kana
eta pernyataan Allah teh. Ari heug,
aranjeun masih keneh bae nguyek
dina alip-alipanana. Hayoh bae masih
nyarusu, acan kuat kana sangu!
13 Orok tea atuh ngaranna, ari nyusu

keneh bae mah; da masih keneh bae


balata-boloto, teu nyaho di anu bener.
14 Sabab ari geus sawawa mah, tangtu

sangu anu didahar teh sarta kudu geus


bisa ngabedakeun hade jeung goreng
kalawan ngagunakeun budi akalna.
1 Ku sabab eta, pangajaran alip-

6 alipan tina hal Al Masih teh, urang


teruskeun kana tahap anu leuwih
luhur jeung pepek; ulah haben bae
ngucel poko-poko pertobat tina lampah
siwah jeung poko-poko iman ka Allah,
kayaning:
2 Pituduh rupa-rupa baptisan, hal

numpangkeun leungeun, hal hudangna


nu paraeh, sarta hal hukuman langgeng.
3 Hayu maju! Sual-sual eta mah urang

sampeur deui engke, manawi Allah


marengkeun.
IBRANI 6.4–9 16
4 Sanajan hate urang geus meunang
caang, geus meunang nikmat ti sawarga,
geus meunang bagian Ruh Allah,
5 geus ngasaan kumaha matak bagjana

ari pangandika Allah, geus bisa ngileng-


ngileng pikumahaeunana jaman nu bakal
datang,
6 ari murtad deui mah cumah,

pamohalan bisa dihadean deui,


pamohalan bisa tobat deui. Sabab
sategesna, eta teh nyalibkeun deui Putra
Allah sarta nganista-nistakeun deui
Anjeunna ka balarea.
7 Ibarat tanah anu rea nyeuseup cihujan

tur subur ku pepelakan anu mangpa'at,


tangtu nguntungkeun ka nu bogana,
kaseundeuhan ku berkah Allah.
8 Sabalikna, mun eta tanah teh pinuh ku

areuy-areuyan jeung rungkun-rungkun


cucuk, taya pisan gunana. Tanah kitu
mah, moal lila deui ge diduruk; da
katinggang ku la'nat Allah tea.
9 Dulur-dulur! Sakieu resagna simkuring

nya ngomong. Tapi ari hate mah, yakin


yen dulur-dulur teh masih boga keneh
berkah anu leuwih utama, nu matak
jamuga.
IBRANI 6.10–16 17
10 Sabab Allah hamo jalir; moal teu
emut kana pagawean jeung kanyaah
aranjeun ka Mantenna, nya eta nulung
dulur-dulur anu saiman tea.
11 Anu pohara dipenta-pentana ku

simkuring mah, muga aranjeun masing


temen-tinemenan kawas bareto,
sangkan anu ayeuna keur diarep-arep
teh nepi kana laksanana.
12 Poma, ulah laliat! Kudu nyonto ka

anu ariman jeung anu salalabar, sangkan


jangji Allah tinekanan katarima.
13 Harita, mangsa Allah nimbalkeun

jangji ka Ibrahim, Mantenna lajeng


sumpah demi salira-Na; lantaran taya
deui anu jadi saluhureun Mantenna, nya
eta anu pantes pikeun jadi saksi-Na.
14 Sumpah-Na: “Kami sumpah, seja

ngaberkahan ka maneh jeung mere


turunan anu lobana tanpa wilangan.”
15 Ibrahim pohara sabarna ngantos-

ngantos eta jangji, nepi ka laksana


tinekanan.
16 Manusa upama sumpah kudu

make saksi anu saluhureun, sangkan


sumpahna boga kakuatan hukum anu
hamo bisa diganggu gugat.
IBRANI 6.17–7.2 18
17 Allah oge ngaraos peryogi
mintonkeun kaestuan jangji-Na ka
anu dipaparinan subaya, yen hamo cidra.
Nya lajeng dikukuhkeun ku sumpah tea.
18 Boh jangji-Na boh sumpah-Na,

hamo batal. Jadi, pamohalan Allah cidra


tina subaya. Pikeun anu sumalindung
ka Mantenna, sumpah-Na teh jadi
hiji pamageuh pangharepan kana
laksananing jangji Mantenna tea.
19 Ieu pangharepan teh, jadi jangkar

anu pageuh tur aman; nanceb dina hirup


urang tur sanggup nembus reregan Bait
Suci sawarga, tepi ka Kamar Pangsucina
pisan.
20 Ka dinya teh, Isa mah geus ti heula

lebet-Na guna kapentingan urang,


dumeh Anjeunna mah geus jeneng
Imam Agung salanggengna, saperti
Melkisidik tea.
1 Melkisidik teh raja nagara Salem,

7 oge Imam Allah Nu Maha Agung.


Nalika Ibrahim mulih jurit, tas nalukkeun
raja-raja; anjeunna teh, dipapag jeung
diberkahan ku Melkisidik.
2 Tuluy ku Ibrahim dihaturanan barang

jarahan saperpuluhna. Harti Melkisidik


teh, tina jenenganana, saenyana
IBRANI 7.3–8 19
“rajaning kaadilan.” Ari harti raja Salem
nya eta “rajaning karahayuan.”
3 Saha ibu ramana, saha karuhun-

karuhunna, kumaha awal ahir


jumenengna, teu aya nu terang. Ngan
anjeunna teh sababad jeung Putra Allah,
nya eta Imam salalanggengna.
4 Kaagungan pangkatna, Melkisidik

teh, tetela tina panghaturanan Ibrahim,


barang-barang jarahan nepi ka
dihaturkeun saperpuluhna!
5 Turunan-turunan Lewi anu jaradi

imam, saluyu jeung hukum kudu narik


pajeg pangasilan rayatna, najan papada
turunan Ibrahim keneh.
6 Tapi Melkisidik, najan lain turunan

Lewi, bet narik pajeg ti Ibrahim pisan;


tur Ibrahim anu geus kenging jangji ti
Allah ge, ku anjeunna teh, diberkahan
deuih.
7 Ku sarerea oge mo bisa dipungkir, yen

harkat anu ngaberkahan mah tangtu


leuwih luhur ti batan anu diberkahanana.
8 Imam-imam anu wenang narik

perpuluhan tea, kabeh ge mahluk anu


kakurung ku pati. Ari Melkisidik mah
ceuk Kitab Suci tetep jumeneng.
IBRANI 7.9–15 20
9 Saenyana, Lewi ku anjeun anu wenang
narik perpuluhan teh; tapi malah tibalik,
sasat mayar perpuluhan ka Melkisidik,
ku jalan Ibrahim tea.
10 Memang keur jaman Ibrahim, Lewi

acan gelar ka dunya. Tapi anjeunna teh


kapan terah Ibrahim, karuhunna, anu
dipapagkeun ku Melkisidik tea.
11 Bani Israil narima aturan kitu teh

lantaran patali jeung kaimaman kaom


Lewi. Upama enya, kaimaman kaom
Lewi teh sampurna; naha bet kudu aya
deui imam sejen, kawas Melkisidik anu
lain turunan Harun?
12 Sejen kaimaman tangtu sejen deui

aturanana.
13 Gusti Jungjunan urang anu ayeuna

dicaritakeun ge, beda kaom-Na; da


ti kaom Anjeunna mah, teu aya anu
kapapancenan mingpin upacara kurban
dina mezbah.
14 Tangtu sarerea ge terang, yen

Anjeunna mah asal ti kaom Yuda, nya


eta hiji kaom anu dina sual kaimaman
teu disebut-sebut ku Musa.
15 Sual anu keur dicaturkeun teh, baris

leuwih tetela; nya lantaran aya deui


Imam anu saperti Melkisidik tea,
IBRANI 7.16–22 21
16 anu dijenengkeunana luareun
katangtuan-katangtuan beunang
manusa, tapi ku karana hiji kawasaning
hirup anu teu keuna ku musna.
17 Hal ieu Imam, kieu diumumkeunana:

“Maneh dijenengkeun Imam pikeun


salalanggengna, saperti Melkisidik.”
18 Aturan-aturan heubeul, — lantaran

tetela taya dayana jeung taya gunana —


kudu dipiceun.
19 Toret Musa teh, geus tetela, teu

nungtun manusa kana kasampurnaan


sarta geus aya gantina, nya eta anu
mere harepan leuwih utama sarta anu
baris ngaraketkeun urang ka Allah.
20 Turug-turug, dikuatkeun pisan ku

ikrar sumpah Allah. Sabab imam-imam


lianna mah, taya saurang oge anu
dikuatkeun ku sumpah Allah.
21 Tapi nalika Anjeunna dijenengkeun

Imam, Allah teh ngikrarkeun sumpah-


Na: “Pangeran geus ragrag sumpah,
hamo ku Mantenna diudar. Sumpah-Na:
Maneh dijenengkeun Imam keur
salalanggengna.”
22 Lebah dieu kaciri bedana teh: Ku

jalan kitu, Isa teh ngajadi hiji tanggelan


tina hiji perjangjian anu leuwih kuat.
IBRANI 7.23–28 22
23 Bedana deui: Imam-imam kaom Lewi
mah, gunta-ganti; taya nu bisa terus
jadi imam lantaran kapegat ku ajal.
24 Tapi kaimaman Isa mah, hamo

aya anu megat sabab jumeneng


salanggengna.
25 Ku kituna, Anjeunna kawasa maparin

kasalametan kalawan sampurna ka sing


saha anu sumeja dumeuheus ka Allah ku
perantaraan Anjeunna; nya ku lantaran
Anjeunna teh jumeneng salalanggengna
tea.
26 Nya ieu Imam Agung anu dipikabutuh

ku urang teh: Suci, tanpa salah, tanpa


noda, teu keuna ku dosa, sarta raket ka
Allah.
27 Imam Agung nu sejen mah, unggal

poe kudu kurban keur miceun dosana


jeung dosa bangsana. Sedengkeun
Isa mah, henteu. Sakali korban salira,
maunatna keur salalawasna.
28 Imam Agung anu diangkatna

nurutkeun Toret Musa mah, mahluk anu


sipat hengker tea. Tapi Imam Agung
sanggeus jaman Toret, dijenengkeunana
teh kalawan ikrar sumpah ti Allah, nya
Putra Allah tea sampurnaning Imam
Agung salalanggengna.
IBRANI 8.1–6 23
1 Eusi ieu pedaran, nya eta: Urang
8 boga Imam Agung, anu lenggah
tengeneun singgasana Nu Maha Agung
di sawarga.
2 Nyepengna pancen di Kamar

Pangsucina, sajatining Kemah Suci


kenging Pangeran ku anjeun ngawangun,
lain beunang manusa.
3 Sakumaha mistina, Imam Agung

teh nyepeng papancen nyanggakeun


pangbakti-pangbakti jeung korban;
Imam Agung urang oge kudu
ngajalankeun sarupaning korban.
4 Keur jumeneng-Na di dunya mah,

Anjeunna teu jeneng Imam; sabab geus


aya imam-imam anu kapapancenan
nyanggakeun kurban anu ditangtukeun
ku Toret.
5 Tapi eta mah ukur cangkang jeung

kalangkang ti nu di sawarga, sakumaha


anu ku Allah ditimbalkeun ka Musa nalika
dipiwarang ngadamel Kemah Suci tea.
Timbalana-Na: “Kemah teh dijieunna
kudu make conto ti Kami, sakumaha anu
geus ditembongkeun ka maneh basa di
luhur gunung tea.”
6 Pancen kaimaman Isa mah leuwih

mulya ti pancen imam-imam sejen.


IBRANI 8.7–11 24
Sabab Anjeunna mah, Wawakiling tina
Perjangjian anu leuwih mulya deui, anu
eusina oge hiji jangji anu pangagungna.
7 Upama perjangjian anu ti heula taya

kakuranganana mah, perjangjian kadua


teh moal aya.
8 Pangeran memang geus ngiberan kieu

ka umat-Na: “Bakal datang mangsana,


Kami rek nyieun hiji perjangjian anyar,
pikeun bani Israil jeung bani Yuda.
9 Eusina beda ti nu diikrarkeun ka

karuhun-karuhunna, basa maranehna ku


Kami ditungtun budal ti Mesir. Ku sabab
maranehna ngalaleupaskeun maneh tina
jangji Kami, ku Kami teu dipalire deui.”
Kitu, timbalan Allah teh.
10 “Kieu perjangjian anyar ti Kami ka

bani Israil sanggeus eta: Papakon Kami


dibeulitkeun dina hatena, diukir dina
batinna. Jeung Kami baris jadi Allah
nu disembah ku maranehanana, ari
maranehna nya umat Kami.
11 Ka hareupna maranehna geus teu

kudu dialajar ku parawarga, atawa ku


pada dulur dititah: ‘Geura wawuh ka
Allah!’ Sabab kabeh gede leutik, moal
teu wawuh ka Kami
IBRANI 8.12–9.4 25
12 Sagala salahna ku Kami dihampura.
Sagala dosana ku Kami dipupus tina
ingetan.”
13 Ku sabab Mantenna geus ngikrarkeun

jangji nu anyar, jangji anu ti heula


teh resmi ku Mantenna dianggap
batal. Sagala anu heubeul jeung batal,
sakeudeung deui ge baris euweuh.
1 Perjangjian nu ti heula ge, boga

9 tata cara ibadah jeung tempat suci


beunang nyieun manusa.
2 Di bagian panghareupna, aya tempat

karamat, disebutna “Kamar Suci.” Di


jerona aya kendil, aya meja, jeung roti
pangbakti.
3 Satukangeun reregan anu kadua,

aya deui hiji kamar, disebutna “Kamar


Pangsucina.”
4 Di jerona aya tungku parukuyan emas

paranti meuleum seuseungitan; aya


peti anu ngaranna “Peti Perjangjian”
anu disaput ku emas, eusina: Buli-buli
emas nu dieusi sabangsa kadaharan
anu ngaranna “manna;” aya iteuk Imam
Harun anu kungsi sirungan tea, jeung
papan batu anu diukiran ayat-ayat
perjangjian.
IBRANI 9.5–9 26
5 Di luhureun eta peti perjangjian
aya dua mamalaikatan, cahayana
tingkeredep, make jangjang anu
mayungan rohang paranti menta
hampura ka Allah. Tapi geus bae,
sual-sual bubuk leutikna mah teu kudu
diwincik deui.
6 Kitu, diaturna eta tempat suci teh.

Imam-imam netepan ibadahna teh


saban-saban waktu, di Kemah anu
panghareupna bae.
7 Anu wenang asup ka kamar anu

kadua mah ngan Imam Agungna, sataun


sakali. Lebetna bari nyandak getih
kurbankeuneun kanggo ka Allah, nya eta
keur panebus dosana ku anjeun jeung
dosa bangsana anu kurang pangarti.
8 Dina sual ieu, Ruh Allah netelakeun,

yen salila aya keneh anu netepan ibadah


di Kemah anu kahiji, Kamar Pangsucina
dilarang diasupan.
9 Eta kabeh teh, ngan ukur kalangkang

atawa kias jaman kiwari. Luyu jeung


kaayaan harita, korban-korban jeung
pangbakti-pangbakti teh, teu bisa
ngaberesihkeun kana diri sakumaha anu
dicita-cita ku anu ngalakonan.
IBRANI 9.10–14 27
10 Ma'lum, kabeh oge, — nya kitu deui
pangbakti-pangbakti anu mangrupa
kadaharan jeung inuman katut rupa-rupa
deui — ngan ukur sare'at lahiriyah;
kakuatanana ge, ngan nepi ka semet
gumelarna jaman saniskara dianyarkeun
ku Allah.
11 Tapi Al Masih rawuh ngajadi Imam

Agung anu nguruskeun sagala hal anu


harade, anu marengan sumping-Na.
Kemah tempat Anjeunna netepan
kawajiban teh, ambahanana leuwih lega,
leuwih sampurna, jeung lain beunang
nyieun manusa; jadi, teu kaasup bagian
ti ieu dunya ciciptan.
12 Anjeunna geus lebet ka Kamar

Pangsucina tur keur saterusna. Nu


dikurbankeunana lain getih domba jalu
jeung getih anak sapi, tapi getih-Na ku
anjeun. Eta sababna, ku Anjeunna mah,
urang bisa salamet salalanggengna.
13 Upama kurban getih domba jalu,

getih sapi jalu, katut lebuna anak sapi


tea bisa ngaberesihkeun maranehna tina
rereged nepi ka lahirna jadi suci;
14 atuh komo getih Al Masih! Ku

kersaning Ruh anu langgeng, Anjeunna


ngorbankeun salira-Na anu mulus
IBRANI 9.15–19 28
taya kuciwa ka Allah. Memang, getih
Anjeunna mah, sanggup nyucikeun ati
sanubari urang tina rupa-rupa lampah
jahat anu maehkeun. Ku jalan kitu,
kapan matak urang leuwih leket ibadah
ka Allah Anu jumeneng teh.
15 Ku marga Anjeunna jadi aya

Perjangjian Anyar, sangkan anu


disalaur ku Allah meunang hibahan anu
langgeng, anu dijangjikeun tea. Sabab
kadorakaan-kadorakaan salila jaman
perjangjian anu ti heula tea, kabeh geus
ditebus ku pati Anjeunna.
16 Jelema nu nyieun wasiat, lamun maot

kudu sidik bukti-bukti tina maotna.


17 Sabab wasiat mah, kakara bisa

dilaksanakeun lamun anu nyieunna


geus sah ti dunya. Satungtung anu
ngawasiatan hirup keneh, wasiatna moal
bisa dijalankeun.
18 Eta sababna, perjangjian anu ti heula

kudu make sarat getih, supaya sah.


19 Ari prak-prakanana kieu: Mimitina

Musa mangaoskeun heula hukum-


hukum Toret ka sakabeh bangsa. Ti
dinya nyandak getih anak sapi, getih
domba jalu, jeung cai; tuluy dikepret-
kepretkeun kana Kitab Suci Toret jeung
IBRANI 9.20–25 29
ka sakumna bangsa, make bulu-bulu
warna beureum jeung hisop,
20 bari sasauran: “Ieu getih panguat

Perjangjian Allah ka maraneh.”


21 Kemah Suci katut parabot-parabot

ibadah oge, dikepretan.


22 Nurutkeun hukum Toret mah, meh

kabeh bae sagala rupa kudu disucikeun


ku getih, supaya jadi suci. Lamun taya
sarat getih, moal aya panghampura.
23 Jadi, kurban-kurban teh, maksudna

sarat pikeun nyucikeun kias-kias anu


ngagambarkeun kaayaan anu sajatina di
sawarga. Pikeun anu sajatina mah, — di
sawarga — anu dikurbankeun teh leuwih
luhur ajenna.
24 Sabab anu dilebetan ku Al Masih

teh, lain Kamar Suci tiruan beunang


manusa. Anu dilebetan teh sawarga
pisan, ngadep ka hadirat Allah guna
kapentingan urang.
25 Lian ti eta, urang ge teu perlu

nyangga-nyanggakeun deui kurban.


Sabab Anjeunna mah, sakali
ngurbankeun salira geus cumpon.
Henteu cara imam-imam agung sejen,
anu saban taun kudu asup ka Kamar
IBRANI 9.26–10.2 30
Pangsucina tea, seba getih nu lain
getihna pribadi.
26 Upama kurban Al Masih ge, cara

kitu mah; atuh, ti sajleg aya dunya teh,


Anjeunna tinangtu kudu sering nandang
sangsara. Tapi dina jaman ahir ieu,
cukup ku sakali bae Al Masih nebus
dosa manusa, nya eta ku ngurbankeun
salira-Na.
27 Sakumaha manusa bae, kapan

paehna teh ngan sakali, tuluy diadilan.


28 Al Masih oge kitu. Anjeunna ngan

sakali pupus, ngurbankeun salira


pikeun nebus dosa-dosa manusa. Dina
kasumpingana-Na deui, — nu kadua
kali — Anjeunna teh, geus henteu
kamomotan deui ku dosa, tapi pikeun
maparin nugraha ka sakur anu ngaharep
ka Anjeunna.
1 Kurban-kurban anu dikudukeun

10 di urang Yahudi, eta ukur


kalangkang tina kurban nu sajatina.
Dilampahkeunana teu petot-petot
unggal-unggal taun; kurbanna ge, nu
kitu kitu keneh bae, tur teu bisa mere
kasampurnaan ka anu ngalakonanana.
2 Mun enya bisa, tangtu teu kudu

terus-terusan dilampahkeun. Sakali


IBRANI 10.3–9 31
ge geus kudu bisa mupus dosa keur
salawasna.
3 Kurban-kurban anu dikurbankeun ku

maranehna teh, anu saban-saban taun


tea, malah nembongkeun yen dosa tetep
aya.
4 Memang pamohalan, yen dosa bisa

leungit ku getih sapi jeung getih domba.


5 Eta sababna, barang Al Masih sumping

ka ieu dunya unjukan kieu ka Allah:


“Pamundut Ama sanes kurban hewan
sareng rupi-rupi pangbakti, nanging
Anjeun parantos nyayagikeun salira
kanggo Abdi.
6 Kurban durukan, kurban panebus

dosa, ku Ama teu dipirosea.


7 Kitu nu mawi Abdi sumeja miunjuk:

‘Nun Allah, Abdi pasrah bakti diri, seja


tumut kana pangersa, sakumaha anu
dikedahkeun dina Kitab Suci.’”
8 Kawitna piunjuk-Na teh: “Kurban

hewan, rupi-rupi pangbakti, kurban


durukan sareng kurban panebus
dosa, ku Ama teu dipirosea,” tur eta
kurban-kurban teh dikudukeun ku Toret.
9 Piunjuk-Na deui: “Abdi pasrah bakti

diri, sumeja tumut kana pangersa.”


Tetela, yen kurban nurutkeun talari kuno
IBRANI 10.10–15 32
teh, ku Allah geus teu kaanggo sarta
digentos ku anu sajatina, nya eta ku
salira Al Masih.
10 Pikeun nyaosan eta pamundut Allah,

Al Masih teh geus ngurbankeun


salira-Na: Ngan ukur sakali,
tapi pikeun salalanggengna. Ku
lantaran pangorbanan-Na, urang geus
diberesihkeun tina dosa.
11 Imam-imam urang Yahudi, unggal

poena teh, repot; nya netepan upacara-


upacara kurban anu kitu kitu keneh bae,
anu pamohalan bisa mupus dosa.
12 Tapi ku kurban Al Masih mah,

sakali ge dosa teh sirna. Sanggeus


ngorbankeun salira-Na, Al Masih teh
jumeneng salalanggengna tengeneun
Allah.
13 Ayeuna Anjeunna keur ngantos

lawan-lawan anu ku Allah baris


diserenkeun pikeun idekkeun Anjeunna.
14 Ku kurban tunggalna, Al Masih

geus nyampurnakeun sakur anu ku


Anjeunna geus disucikeun, tur pikeun
salalanggengna.
15 Hal eta ku Ruh Allah diterangkeun

kieu ka urang:
IBRANI 10.16–23 33
16 “Kieu perjangjian Kami ka
maranehna: Hukum Kami baris
dibeulitkeun dina hatena, diukir dina
batinna.” Kitu timbalan Pangeran.
17 Jeung: “Dosa-dosa maranehna ku

Kami geus dipupus tina ingetan.”


18 Ku sabab eta, sing saha anu geus

meunang pangampura, teu perlu deui


kurban pikeun panebus dosa.
19 Tah dulur-dulur, berkahna getih Al

Masih tea, urang meunang widi asup ka


Kamar Pangsucina di jero Bait Allah.
20 Sabab Al Masih geus ngayakeun jalan

anyar anu brasna kana hirup, nembus


rereganana, tegesna nembus salira-Na
ku anjeun.
21 Anjeunna, Imam Agung urang, anu

ngapalaan padaleman Allah.


22 Ku sabab eta, hayu dumeuheus ka

Allah kalawan hate nu iklas, iman nu


yakin, batin anu suci tina kagorengan,
jeung raga anu geus beresih ku cai
pangbaptis.
23 Masing teguh, nangtung dina

pangharepan jeung pangaku


kapercayaan urang teh; sabab
Allah mah, tigin kana jangji.
IBRANI 10.24–30 34
24 Hayu urang silih titipkeun nya diri,
silih sangsangkeun kanyaah.
25 Jeung ulah ngabaekeun kana

kumpulan ibadah bareng, ulah


kabawakeun ku nu tara milu. Anggur
silih ajak, sing tambah junun sabot
nganti-nganti pisumpingeuna-Na Gusti
Jungjunan urang anu sakeudeung deui
tea.
26 Sabab mun urang dibere jalan

pisalameteun, tapi kalah ka ngahaja


nyieun pidorakaeun, geus hamo aya deui
kurban anu bisa mupus dosa.
27 Nu aya teh, nya ngan ukur nunggu

hukuman anu dipikasieun tea, nya eta


seuneu anu baris ngabasmi sakur anu
doraka.
28 Kapan anu miceun hukum Musa oge,

sarta bukti tina panyaksi dua atawa tilu


urang, geuning geus taya hampura;
terus bae dihukum dipaehan.
29 Komo mun nincak ka Putra Allah,

nyapirakeun getih perjangjian anu


nyucikeun diri, ngahina Ruh anu geus
maparin pangampura; weu, kumaha
teuing pibeurateunana hukumanana!
30 Urang apal ka Anu ngandika:

“Kami moal teu ngabales, moal teu


IBRANI 10.31–35 35
mere timpalan!” Piraku teu apal ka Nu
ngandika: “Pangeran moal teu nibankeun
hukum adil ka umat-Na!”
31 Mun urang nepi ka dicerek ku

panangan Allah Anu jumeneng, duh


pikumahaeun teuing!
32 Aranjeun sing inget ka bareto,

basa mimiti pisan meunang papadang.


Geuning aranjeun teh tahan, dina
nandangan paneungteuinganan anu
sakitu beuratna;
33 aranjeun ge, teu burung tabah najan

sok dijieun tongtoneun, dihina-hina,


sarta dikakaya di hareupeun balarea,
bari milu tunggara ka sasama saiman
anu sarua dikaniaya.
34 Memang, aranjeun teh geus milu

prihatin, ka anu digeblus-gebluskeun ka


panjara. Kitu deui, waktu harta banda
milik aranjeun dirayah; aranjeun sadrah,
narimakeun kana bagja awak dumeh
yakin, yen aranjeun teh boga harta
banda anu leuwih berharga.
35 Omat, ayeuna ulah nepi ka

pecat iman. Sing percaya, gede


piganjareunana.
IBRANI 10.36–11.3 36
36 Ngalakonan pangersa Allah pikeun
meunangkeun ganjarana-Na teh,
memang meredih kasabaran luar biasa.
37 Ceuk Kitab Suci oge: “Ngan kari

sakeudeung deui pisan, Anjeunna


Anu geus mutuskeun baris sumping
tangtu gancang-gancang sumping, moal
diengke-engke.
38 Umat Kami anu aribadah, asal terus

tigin ka Kami, tinangtu meunang hirup.


Tapi sing saha anu undur, ku Kami mo
dipisuka.”
39 Sageuy, urang daek kaasupkeun ka

anu disebut undur ti Mantenna nepi ka


binasa tea mah; da urang mah, jelema
nu geus miboga hirup, lantaran iman ka
Mantenna.
1 Hartina percaya nya eta:

11 Panteng ka nu diarep-arep. Yakin


kana ayana hiji perkara, sanajan ku
panon henteu katenjo.
2 Loba jalma-jalma baheula anu

kamashurkeun wawangina, lantaran


kapercayaanana.
3 Ti mana urang terang, yen bumi alam

dijadikeun ku marganing pangandika


Allah? Nya tina percaya tea! Ku kituna,
urang percaya yen sakur anu katenjo
IBRANI 11.4–7 37
bungkeuleukanana teh, asalna mah ti
anu henteu katenjo.
4 Tina sabab PERCAYA, Habil

ngahaturkeun kurban anu leuwih


hade ka Allah, ti batan Kain. Tina sabab
PERCAYA, Habil ku Allah diangken bener
sarta kurbanna ditampi. Tina sabab
PERCAYA, sakitu enggeus perlaya, Habil
masih nyoara.
5 Tina sabab PERCAYA, Hanok

digaibkeun ti alam dunya henteu


nyorang ajal heula. Anjeunna teh,
teu aya nu manggihan deui lantaran
dicandak ku Allah. Nurutkeun panyaksen
Kitab suci, samemeh anjeunna
digaibkeun, hirupna teh sapuk jeung
pangersa Allah.
6 Cacak, mun henteu percaya mah,

mustahil eta teh. Sabab mun hayang


datang ka Allah, kudu percaya yen
Mantenna aya jumeneng; jeung kudu
percaya yen Mantenna baris maparin
pahla ka nu temen-tinemenan milari
Mantenna.
7 Tina sabab PERCAYA, Enoh kersa

ngahartoskeun ma'lumat Allah ngeunaan


bahla nu harita acan aya remeng-
remengna. Tumut bae dipiwarang
IBRANI 11.8–11 38
ngadamel kapal, pikeun ngaluputkeun
anjeun sakulawargi tina eta pibahlaeun.
Ku sabab eta, anjeunna wenang
ngahukuman dunya jeung dipaparin
kayaktian. Lantaran PERCAYA.
8 Tina lantaran PERCAYA, Ibrahim

tumut kana panyaur Allah, anu nimbalan


iang ka hiji tanah anu ku Mantenna
dijangjikeun pikeun anjeunna turun-
tumurun; sanajan eta tanah teh, duka
dimana ayana.
9 Tina percayana tea, anjeunna sadrah

ngumbara di tanah anu dijangjikeun


teh, kawas urang asing; eta sababna,
anjeunna teh ngan ukur nyaung-nyaung
bae dina kemah. Kitu deui, Isak jeung
Yakub anu pada-pada kaasup kana eta
jangji.
10 Eta teh, lantaran manahna manteng

kana pingadegeunana hiji nagara


anu tohaga, anu baris dicipta jeung
diadegkeun ku Allah ku manten.
11 Tina sabab PERCAYA, sanajan geus

sepuh pisan, Ibrahim iasa kagungan


putra ti Sarah, geureuhana, anu geus
liwat ti mangsa. Anjeunna percaya, yen
jangji Allah pasti bukti.
IBRANI 11.12–17 39
12 Tina sabab PERCAYA, anjeunna nu
geus rerempo bisa ngajadi bapa; nya
jadi karuhun hiji bangsa gede, anu
bilanganana lir bentang-bentang di
langit, tanding keusik di basisir.
13 Nepi ka parupusna aranjeunna tetep

percaya, sanajan acan ningali bukti tina


jangji Allah tea. Tapi ti anggalna, ku
aranjeunna teh geus kasawang pasti
laksana; malah mah, geus dibageakeun
ti memehna. Aranjeunna rumasa di
dunya ukur ngumbara, ukur nganjrek
sakedapan.
14 Sakur nu rumasa kawas anjeunna,

tandaning geus sadia nyungsi lemah cai


nu sajati, tanah maneuh asal teureuh.
15 Ku sabab manahna tetep cumantel ka

tanah asal-muasal, dina rek mulangna


deui teh leahna kabina-bina.
16 Anu dipitineungna teh, nya eta lemah

cai anu sagala-galana leuwih utama, nya


sawarga tea. Ku sabab eta, Allah henteu
lingsemeun dipuhit ku aranjeunna, jeung
geus mangdamelkeun hiji pamatuhan
keur aranjeunna.
17 Tina sabab PERCAYA, Ibrahim rido

nampi ujian ti Allah anu mundut Isak


kudu dikurbankeun. Putra anu ngan
IBRANI 11.18–23 40
hiji-hijina tur yugana ku jangji Allah,
dipundut deui teh teu diowelkeun,
18 bari ngandel kana jangji Allah: “Nu

baris jadi turunan maneh teh ngan anu


runday ti Isak.”
19 Ibrahim yakin, yen Allah kawasa

ngahirupkeun deui Isak; najan Isak geus


maot. Tur memang kitu kanyataanana,
Isak teh sasat hanjat tina pati, teu tulus
dikurbankeun.
20 Tina sabab PERCAYA, Isak nibankeun

berkah ka putrana, Yakub jeung Esau.


21 Tina sabab PERCAYA, Yakub nalika

rek puput yuswa ngaberkahan dua


putra Yusup. Anjeunna neneda ka Allah,
bari nguat-nguatkeun anjeun ngadeg
ditunjang ku iteuk.
22 Tina sabab PERCAYA, Yusup

samemeh — dug — pupus, nyarioskeun


sawanganana yen bangsa Israil baris
budal ti Mesir sarta amanat sangkan
tulang-taleng anjeunna kudu kacandak
budal.
23 Tina sabab PERCAYA, ibu rama Musa

teu inggis-inggis ngalawan parentah


raja, nyumputkeun Musa, — orok anu
sakitu kasepna — nepi ka yuswa tilu
bulan.
IBRANI 11.24–30 41
24 Tina sabab PERCAYA, Musa sanggeus
dewasa narah diangken deui putra ku
putri Piraon;
25 anggur milih ngiring sangsara jeung

bangsana, ti batan milih kasenangan anu


lamokot ku dosa tur umurna moal lana.
26 Keur anjeunna mah, Al Masih anu

dihina-hina teh, leuwih diutamakeun


ti batan harta banda sanagara
Mesir lantaran enggeus kasawang
pitemaheunana.
27 Tina sabab PERCAYA, Musa teh

ngantunkeun Mesir, teu sieun ku angkara


murkana sang raja; nya ku lantaran
mandang ka Allah Nu sipat gaib tea.
28 Tina sabab PERCAYA, anjeunna

ngawajibkeun lampah “Paska,” jeung


miwarang sangkan tarang panto imah
bangsana diulasan ku getih domba,
supaya cikal-cikal lalaki kulawarga Israil
ulah jadi mangsa malakalmaot.
29 Tina sabab PERCAYA, bangsa Israil,

bisa meuntasan Laut Beureum; jeg,


kawas nyorang daratan bae. Urang Mesir
mah, nu ngaberikna, teu barisaeun;
anggur paraeh, titeuleum.
30 Tina sabab PERCAYA, urang Israil,

bisa ngarubuhkeun kuta tembok nagri


IBRANI 11.31–35 42
Yeriko, ukur ku dikurilingan tujuh kali di
jero tujuh poe.
31 Tina sabab PERCAYA, Rahab — sundel

tea — daek nulungan mata-mata ti Israil,


nepi ka Rahab teu milu cilaka jeung
urang Yeriko nu daroraka tea.
32 Rek terus nataan conto-conto kawas

kitu? Wah, matak beak waktu, sabab


loba keneh, kayaning: Gidion, Barak,
Simson, Yepta, Daud, Samuel, jeung
paranabi.
33 Ku iman kapercayaanana, aranjeunna

mampuh nempuh karajaan-karajaan


jeung ngahontal kaunggulan, mampuh
ngamalkeun amal saleh, mampuh
ngahontal anu diparentahkeun ku Allah,
mampuh ngonci sungut singa,
34 mampuh nyirep amukan seuneu,

sarta bisa lolos tina seuseukeut


pedang teu kungsi kasambut. Sanajan
aranjeunna golongan lemah, tapi
aranjeunna sanggup ngahontal
kaunggulan, tandang dina peperangan,
sarta sanggup ngagempur pasukan
musuh.
35 Tina sabab PERCAYA, kaom wanita

teu tulus kaleungitan kaom lalaki; sabab


bisa marulang deui ti medan jurit, sasat
IBRANI 11.36–39 43
kalaluar ti enggon paeh. Lian ti eta,
teu kurang-kurang anu milih kajeun
pejah ku panyiksa ngabela kapercayaan;
lantaran percaya baris hudang deui
pikeun ngahontal hirup anu leuwih
sampurna.
36 Oge teu kurang-kurang anu

milih kajeun dinista-nista, dikaniaya,


nandangan barogod, disered ka
pangberokan,
37 dirajam, digencet dina papan

panyiksaan, dibeulah ku ragaji, sarta


ditugel sirah. Aya anu balangsak,
dikaniaya, sarta diteungteuinganan:
Utrak-atrokna teh, nya ngan ukur
marake kulit domba jeung kulit embe.
38 Aranjeunna mah, teu layak pikeun

dunya teh. Ku kituna, aranjeunna teh


kudu kadungsang-dungsang di alas
kikisik, di pagunungan, caricing di
guha-guha, jeung gorowong-gorowong.
39 Aranjeunna pada kamashurkeun

wawangina, ku marga iman


kapercayaanana. Kabeh, taya iwalna!
Parandene, aranjeunna mah taya
saurang-urang acan anu kungsi ngasaan
laksananing Perjangjian Allah teh, teu
cara urang.
IBRANI 11.40–12.2 44
40 Sabab kaayaan anu leuwih utama
tea mah, disayagikeunana ku Allah
teh pikeun urang. Aranjeunna mah
mareunangkeun eta teh kudu bareng
jeung urang. Di saluareun urang,
aranjeunna moal bisa ngahontal
kasampurnaan.
1 Sakitu lobana, conto-conto

12 ngeunaan jelema-jelema anu


karandel iman kapercayaanana teh. Ku
sabab eta, cag, geura aranjeun ecagkeun
momotan dosa anu sakitu beuratna
jeung ngagokan kana hirup teh! Malar
urang, hampang-himping bisa ancrub ka
pakalangan, nya pikeun balap ngudag
anu diwajibkeun tea.
2 Ti barang prak nepi ka anggeus,

aranjeun kudu museurkeun perhatian


ka Isa; malar teteg nempuh halangan-
harungan. Anjeunna oge, geuning,
henteu jejerih ku salib. Guna ngahontal
kamulyaan, Anjeunna henteu ngahiding
najan kedah pupus ku jalan disalib,
nya bari dipoyok, sarta dihina-hina
tea. Ayeuna, Anjeunna teh enggeus
jumeneng, linggih, di tengeneun
singgasana Allah.
IBRANI 12.3–9 45
3 Anjeunna nandang panganiayaan
anu sakitu beuratna ti anu daroraka.
Pek eling-eling, malar aranjeun ulah
melempem jeung jejerih.
4 Aranjeun mah, dina tarung jeung dosa

teh, acan nepi ka ngeclakkeun getih.


5 Piraku, aranjeun teh, geus paroho

kana timbalan Allah; nya anu


dikedalkeunana teh, jeg, bapa
mapatahan anak: “Anaking! Ulah
ngabaekeun pameperih Pangeran.
Ulah sungkan mun ku Mantenna
diseukseukan.
6 Sing saha nu dipeperih, eta tandaning

diasih. Sing saha anu diwarah, tandaning


diangken putra.”
7 Maksudna teh pikeun ngadidik,

wayahna tarimakeun. Allah, ka aranjeun


teh, lir bapa ka putra. Bapa mana anu
tara nyepret-nyepret acan ka anak?
8 Lamun aranjeun tara diwarah ku

Mantenna, sakumaha ka putra, eta


nyirikeun aranjeun lain putra-Na, tapi
nya anakna si manyang-munyung tea.
9 Ka bapa sorangan oge, kapan urang

teh teu weleh ngahormat; sanajan


anjeunna osok ngahukum urang. Komo
ka Allah, — anu leuwih-leuwih agung-Na
IBRANI 12.10–15 46
ti bapa sorangan — urang kudu leuwih-
leuwih hormat tilawat; malar urang bisa
ngahontal sampurnaning hirup.
10 Bapa ti papada mahluk mah,

ngahukumna ka anak teh, kumaha ceuk


pamikirna bae jeung henteu awet. Tapi
Allah ngawarah urang mah, nya eta
pikeun pijamugaeun urang; malar urang
bisa ngiring kana kasucian Mantenna.
11 Ku kitu tea mah, saha nu rek

bungah ku diwarah! Barang prak ge


geus nalangsa. Tapi lamun heug sadrah
nandanganana jeung terus dipake eling,
tangtu kaala rahmatna, hirupna tangtu
jamuga.
12 Nu matak, heug, geura babatek!

Batek eta leungeun anu lembek teh sarta


jagjagkeun tuur nu leuleus!
13 Terus pake leumpang mapay-mapay

anu lempeng supaya nu pincang teu


tijalikeuh, sangkan cangker jeung jadi
waluya.
14 Sing akur jeung sasama kaula jeung

kudu diajar hirup suci. Mun teu kitu,


mustahil wawuh jeung Gusti.
15 Poma, ulah aya anu nepi ka

ngalalaworakeun kana kurnia Allah. Ulah


nyieun tugenah atawa ngabaruntakkeun
IBRANI 12.16–20 47
jamaah, kawas eurih anu nyaliara matak
nyusahkeun.
16 Ulah aya nu kawas Esau tea,

nya munapek nya gagabah; nepi ka


nukeurkeun kacikalan kana hakaneun
keur sakalieun.
17 Kumaha caritana, kapan aranjeun ge

terang. Antek-antekna mah, manehna


teh ngarenghik ka nu jadi bapa, —
ngurihit — menta berkahna. Tapi najan
nepi ka ceurik balilihan ge, pamentana
henteu bisa disubadanan; hal eta teh,
ku lantaran manehna geus kaleungitan
hakna jeung geus teu bisa deui ngarobah
kakaliruanana.
18 Aranjeun mah, lain ngajugjug ka

Gunung Sinai, anu aya jentulna sarta


bisa diragap tea. Anu ka darinya mah
bangsa Israil, anu ti eta gunung teh
narenjo rupa-rupa pikasieuneun: Seuneu
hebat anu ngagugudag, narenjo angkeub
jeung poek mongkleng ditimpalan angin
ribut.
19 Malah aya sora, sengekna,

sangkakala jeung timbalan anu ungelna:


20 “Najan sato pisan, anu nete ka ieu

Gunung kudu dirajam ku batu!”


IBRANI 12.21–25 48
21 Anu katingal mutuh matak ketir, nepi
ka Musa ku anjeun nyebatkeun: “Kami
ngadegdeg, bakat ku sieun!”
22 Lain, lain ka dinya. Aranjeun

mah keur nyungsi Gunung Sion;


ngajugjug kota panglinggihan Allah
Anu jumeneng, nya Yerusalem ti
sawarga katut malaikat-malaikat-Na nu
mangrebu-rebu.
23 Aranjeun keur ngajugjug kana

pestana putra-putra cikal Allah, anu


ngaran-ngaranna ditulis di sawarga. Keur
ngajugjug ka Allah, — Hakim sakumna
manusa — jeung ka tempat kumpulna
jiwa-jiwa nu geus sampurna, nya eta
jiwa jalma-jalma anu aribadah.
24 Keur ngajugjug ka Isa, anu jadi

pangukuh Perjangjian Allah anu anyar;


keur ngajugjug ka getih-Na, anu geus
dikucurkeun jadi kurban tea: Nya anu
leuwih hade batan getihna Habil.
25 Ku sabab eta, poma, ulah baha kana

timbalana-Na. Aya conto: Jelema-jelema


anu ngabaha kana amanat Allah, anu
diembarkeunana di ieu dunya bae teu
bisa luput tina hukuman. Komo urang,
pimanaeun bisa luput, upama urang
nyocokan ceuli embung ngadenge
IBRANI 12.26–13.2 49
timbalana-Na anu diandikakeun ti
sawarga?
26 Baheula, timbalana-Na teh nepi

ka genjlong jagat. Timbalan anu


ayeuna mah, komo, matak genjlong ka
langit-langit! Sabab timbalana-Na teh:
“Ku Kami baris digenjlongkeun deui. Lain
bumi bae, langit ge rek digenjlongkeun.”
27 Eta kecap “deui,” nandakeun yen

saniskara dadamelana-Na baris genjlong


terus musna. Tapi anu teu keuna ku
owah gingsir mah, baris tetep ayana.
28 Ku sabab eta, urang kudu ngarasa

sukur; sabab anu katarima ku urang


mah, hiji karajaan anu teu keuna ku
owah gingsir. Hayu urang ngabakti ka
Allah, kumureb kana sakersa-Na, hormat
jeung ajrih.
29 Sabab Allah, nu disembah ku

urang teh, kagungan kakawasaan anu


ngandung daya pangbasmi kawas
seuneu.
1 Kanyaah ka pada batur saiman

13 teruskeun. Ka semah kudu daek


ngaku, keun bae teu wawuh oge.
2 Ku perbawa akuanana, aya anu kungsi

ngampihan semah teu kanyahoan yen


semahna teh, sihoreng, malaikat.
IBRANI 13.3–9 50
3 Sing mangkarunyakeun ka sakitan-
sakitan, upamakeun ka diri sorangan.
Sing manghawatirkeun ka anu
diteungteuinganan, larapkeun ka awak
sorangan.
4 Pupusti tatali laki rabi. Salaki

pamajikan kudu pada-pada satia. Ulah


serong sarta ulah nyelewer, matak
dihukum ku Allah.
5 Ulah mata duiteun; tarimakeun milik

nu aya. Ulah hamham, da Allah parantos


ngadawuh: “Maneh ku Kami moal
diantep nepi ka teu dipalire.”
6 Ku sabab eta, kalawan teger hate

urang bisa ngucap: “Tong salempang,


Pangeran Anu ngaraksa! Naha wet sieun
ku pada jalma?”
7 Ulah mopohokeun ka sakur anu

geus nungtun aranjeun, nya eta anu


geus nyaangan aranjeun ku amanat
pangandika Allah. Eling-eling deui
lakuning hirupna nepi ka dugna parupus.
Piconto iman kapercayaanana.
8 Sing inget, Isa mah teu owah

gingsir: Bareto, ayeuna, malih dugi ka


salalawasna.
9 Jadi, poma, aranjeun ulah

kapangaruhan ku rupa-rupa ajaran


IBRANI 13.10–15 51
bid'ah. Kuatkeun jiwa aranjeun ku sih
kurnia ti Allah, ulah ku jalan nedunan
rupa-rupa sarat tina sual kadaharan.
Nu karitu mah, sama sakali taya
mangpa'atna dilakonan ge.
10 Di Kemah Suci aya altar pangurbanan.

Imam-imam teu boga hak ngadahar


kurban tina mezbah anu eta.
11 Anu ku Imam Agung dikurbankeun di

dinya teh, nya pikeun nyirnakeun dosa.


Anu dikurbankeunana mah, ngan ukur
getihna wungkul; da ari awak satona
mah, diduruk di luar.
12 Isa oge kitu; Anjeunna digiring

ka luar kota, getih-Na anu dianggo


nyucikeun umat-Na.
13 Ku sabab eta, tinggalkeun eta kemah

teh; anggur urang muru ka Isa, nya milu


kana kahinaan Anjeunna.
14 Sabab dunya ieu mah, lain

padumukan urang anu matuh. Urang


kudu nyungsi pangancikan pikeun jaga.
15 Ku sabab eta, ku parantaraan Isa,

urang salawasna kudu ngunjukeun


pamuji sukur ka Allah minangka kurban
ti urang, nya eta ngaku, — ku cara lisan
— yen Mantenna teh Pangeran.
IBRANI 13.16–21 52
16 Silih talang silih tulung pada batur,
eta saenyana hiji kurban anu pohara
sapukna jeung pangersa Allah.
17 Sing nurut, ka nu ngatur dulur-dulur.

Imankeun wewelingna. Aranjeunna


ngatur ngasuh dulur-dulur teh, estu
jeung tanggung jawabna. Ihtiaran,
supaya aranjeunna janglar ngajalankeun
kawajibanana, — henteu bari jeung
nguluwut — sangkan paedahna ulah nepi
ka teu kaala ku aranjeun.
18 Doakeun deuih simkuring. Sing

percaya, tekad simkuring estu beresih.


Unggal waktu, taya deui nu dipamrih lian
ti seja melak kahadean.
19 Pangpangna mah pangnedakeun,

mugi-mugi simkuring ku Pangeran


dikersakeun bisa buru-buru balik deui ka
aranjeun.
20 Mugi-mugi Allah, sumbering

karahayuan tea, — Nya Anjeunna pisan


anu geus ngagugahkeun Isa, Gusti
Jungjunan urang, tina pupus- Na (Isa
teh, lir Pangangon Agung sakur nu
percaya); anu getih-Na teh, geus jadi
pangukuh perjangjian anu langgeng —
21 maparin berekah sangkan aranjeun

bisa ngalakonan sagala timbalana-Na.


IBRANI 13.22–25 53
Mugi-mugi Mantenna kersa nuyun
sangkan urang bisa ngalampahkeun anu
sapuk jeung manah-Na, ku karana Isa
Al Masih. Sadaya Kaagungan kanggo
Mantenna bae, salalanggengna. Amin.
22 Muga ieu pepeling-pepeling

simkuring, dina ieu surat, anu pondok


ditarimakeun jeung iklasna.
23 Sakalian simkuring wawarti, dulur

urang Timoteus geus kaluar ti panjarana.


Upama anjeunna geus datang, simkuring
seja buru-buru nepungan ka aranjeun
bareng jeung Timoteus.
24 Salam ti simkuring ka pamingpin-

pamingpin aranjeun; kitu deui, ka


dulur-dulur sakapercayaan umumna. Ti
Itali aya salam keur aranjeun.
25 Mugi-mugi aranjeun marendak

rahmat sih kurnia Allah.


Yakobus
1 Surat ti simkuring, Yakobus,
1 abdining Allah jeung abdining Isa
Al Masih, Gusti Jungjunan urang tea.
Kahatur dulur-dulur saiman ti dua belas
kaom anu araya di pangumbaraan.
2 Dulur-dulur! Cocoba teh kudu

dianggap hiji rahmat.


3 Sabab upama geus lulus tina cocoba,

iman urang beuki mencrang,


4 jaga, malar iman tetep pengkuh,

supaya dulur-dulur jaradi jalma pasagi,


pepek jeung lengkep taya kakurang.
5 Upama aya nu kurang panemu, sina

neneda nyuhunkeun ka Allah, tanwande


dipaparin; sabab Allah mah, jembar
pangasih ka sarerea.
6 Saratna neneda teh, kudu jeung

yakinna ulah cangcaya. Jalma cangcaya


mah saibarat ombak laut, beunang
digebah diluak-leok ku angin.
7 Jalma kitu, ulah boga rasa baris

meunang kurnia Pangeran.


8 Anu lanca-linci mah, hirupna, hamo

bisa anteng.
YAKOBUS 1.9–14 2
9 Anu miskin sapantesna ngarasa bagja,
upama dijungjung harkatna ku Allah,
10 sabalikna, nu beunghar kudu

tawekal dina mangsa tijungkel. Sabab


kabeungharan teh, lir kembang jukut
anu babari sirna.
11 Ana katinggang ku panas panonpoe

anu ngentak-ngentak, jukut teh


perang: Kembangna murudul, musna
kaendahanana. Nya kitu oge nu
beunghar bakal tijungkel dina keur
jongjon-jongjonna usaha.
12 Jalma anu imanna henteu eleh ku

cocoba, estu bagja. Sanggeus lulus


tina cocoba, eta jelema baris nampa
hiji pahla, nya eta hiji hirup anu geus
dijangjikeun ku Allah keur sakur anu
iman ka Mantenna.
13 Anu keuna ku cocoba, ulah pisan

nyebutkeun: “Ieu cocoba ti Allah!” Allah


mah moal beunang dicoba ku nu jahat,
tur tara teh teuing maparin cocoba ka
manusa.
14 Saenyana, cocoba teh asalna tina

kahayang manusa sorangan keneh,


nepi ka manehna beunang kagelo jeung
kajiret ku tariking napsuna sorangan.
YAKOBUS 1.15–21 3
15 Ana napsu jahatna diabur, temahna
ngajadi dosa. Ana dosa teh geus jucung;
temahna mah, paeh tea.
16 Sing ati-ati dulur-dulur, ulah beunang

kasasabkeun.
17 Mana nu hade reujeung sampurna,

asalna tangtu ti sawarga, ti Allah


sumbering sagala sipat terang.
Mantenna ku anjeun mustahil barobah
atawa owah gingsir.
18 Geus jadi pangersa Mantenna, urang

dipaparin hirup ku jalan pangandika-Na


anu sayakti; malar urang bisa jadi
umat-Na anu pangpunjulna ti sakabeh
mahluk-Na.
19 Regepkeun, dulur-dulur! Ulah sok

gancang-gancang nyarita. Dengekeun


heula sing bener. Jeung ulah gancang-
gancang ambek.
20 Sabab nu gampang amarah teh, teu

sapuk jeung kersa Allah.


21 Ku sabab eta, piceun kabiasaan-

kabiasaan anu matak aeb jeung goreng


teh. Sing pasrah ka Allah. Tarimakeun
pangandika-Na anu dicecebkeun dina ati
sanubari aranjeun, anu kawasa ngaraksa
jiwa.
YAKOBUS 1.22–2.1 4
22 Kahade ulah bodo: Pangandika Allah
teh teu cukup ku didengekeun wungkul,
tapi kudu jeung prakna dilampahkeun.
23 Ari ngan ukur didenge bari henteu

jeung prakna ngalampahkeun mah; eta


teh, lir nenjo beungeut sorangan dina
eunteung.
24 Sanajan geus telek oge, ana indit

mah, poho deui bae kana rupa beungeut


sorangan teh.
25 Sabalikna, anu terus ngeunteung

kana pituduh Injil nu sampurna, anu


ngabebaskeun manusa tina hukuman;
jadi, lain nu ngan ukur ngadengekeun
terus poho, tapi nu jeung prakna
ngalampahkeun; sagala usahana, tangtu
baris nyugemakeun hatena.
26 Jelema anu umangkeuh ibadah, tapi

sungutna teu dikadalian biwirna henteu


diwengku, ngaranna ngabobodo maneh
sarta ibadahna teh cumah bae.
27 Sajatining ibadah anu sapuk jeung

pangersa Allah mah, nya eta anu


rumawat ka nu yatim, ha'at ka randa-
randa, bari ngajaga diri malar henteu
katepaan ku reregedna dunya.
1 Dulur-dulur! Anu anut ka Isa Al

2 Masih mah, — Gusti Jungjunan


YAKOBUS 2.2–7 5
urang anu mulya tea — teu meunang
ngabeda-beda jelema.
2 Upamana bae: Aya dua jelema datang

kana kumpulan. Nu saurang ginding diali


emas, nu saurang deui rudin.
3 Ka nu ginding mah kieu ngakuna oge:

“Mangga di dieu linggihna di nu utami.”


Ari ka nu rudin: “Maneh mah nangtung
bae di dinya.” Atawa: “Tah sila deukeut
suku kami!”
4 Peta kitu teh, tandaning ngabeda-

bedakeun jelema, goreng hate jahat


pikiran.
5 Sing emut dulur-dulur! Anu mariskin

cek pandangan dunya ku Allah


dikersakeun beunghar ku iman, sina
jaradi ahli waris karajaana-Na, anu
dijangjikeun keur sakur anu wedi asih ka
Mantenna.
6 Ari heug, ku aranjeun dihina. Cik saha

anu sok ngagencet jeung ngajagragkeun


aranjeun ka pangadilan? Kapan anu
baleunghar!
7 Naha lain maranehna oge anu sok

ngagogoreng jenengan Al Masih anu


sakitu mulyana sarta anu geus jadi milik
aranjeun teh?
YAKOBUS 2.8–14 6
8 Kacida hadena dulur-dulur daraek
nohonan timbalan anu pangutamana
dina Kitab Suci, anu kieu unina: “Masing
nyaah ka batur lir ka awak sorangan.”
9 Tapi ari sok ngabeda-beda jelema

tina sabab harkatna mah, aranjeun teh


kabeulit ku dosa jeung ku Kitab Suci oge
dicap ngarempak eta timbalan.
10 Sabab ngarempak salah sahiji

timbalan Toret, sarua jeung ngarempak


sakabeh timbalan Toret.
11 Sabab Anu nimbalan: “Maneh ulah

ngaranyed,” oge nimbalan: “Maneh ulah


maehan.” Jadi, sanajan upamana anjeun
henteu ngaranyed, tapi maehan; eta
teh, dosa keneh.
12 Boh ucap boh lampah, kudu

sakumaha layakna umat anu baris


diserenkeun kana hiji hukum anu
kawasa ngabebaskeun.
13 Sabab pamohalan, Allah mikawelas

ka jelema anu teu boga rasrasan.


Papadaning kitu, sipat welas asih mah
bisa ngungkulan hukum.
14 Dulur-dulur! Naon gunana pikeun

anu ngaku-ngaku: “Aing boga iman,”


tapi teu nyata dina lampahna. Na bisa,
eta imanna teh, nulung ka dirina?
YAKOBUS 2.15–21 7
15 Urang upamakeun kieu: Aya
duduluran lalaki atawa awewe anu
kurang pake kurang dahar.
16 Ku aranjeun ukur didoakeun,

sing cukup pake cukup dahar, ari


pangabutuhna teu dicumponan. Na aya
gunana, eta pangdoa aranjeun teh?
17 Tah iman teh kitu: Iman nu teu

dibarengan jeung amal; eta iman teh,


hakekatna mah paeh.
18 Bisa jadi aya nu ngomong: “Jalma

mah aya nu boga iman, aya nu boga


amalan.” Simkuring rek nanya: Iman
teh rek bisa tembong kumaha lamun
taya amalanana? Simkuring mah
nembongkeun iman teh ngan ku amalan.
19 Aranjeun tangtu percaya yen Allah

teh tunggal. Hade! Tapi iblis-iblis oge


percayaeun kana hal eta, tur kacida
galimireunana.
20 Nu matak jelema teh kahade

kalangsu. Kumaha ayeuna dulur-dulur


daraek ngaenyakeun, yen iman tanpa
amalan teh kosong molongpong?
21 Cik kumaha jalanna pangna Ibrahim,

karuhun urang, ku Allah diangken bener


teh? Kapan ku amal padamelanana
YAKOBUS 2.22–3.1 8
nu ngiklaskeun Isak, putrana, dianggo
kurban.
22 Sakitu tetelana, yen iman anjeunna

teh dibarengan ku amalanana. Sarta


nya ku amal padamelanana pisan iman
anjeunna ngajadi sampurna.
23 Cocog jeung anu kaserat dina Kitab

Suci, yen: “Ibrahim percaya ka Allah.


Ibadahna, ku Allah diangken lantaran
imanna.” Sarta ku lantaran eta, Ibrahim
teh disebut mitra Allah.
24 Ayeuna tetela pisan, jelema bisana

diangken bener ku Allah teh lain ku


dumeh iman wungkul, tapi katut jeung
amal perbuatanana ongkoh.
25 Inget deuih hiji awewe anu ngaran

Rahab. Manehna awewe palacuran.


Tapi ku Allah, diangken jelema bener;
lantaran ku pagaweanana nulungan
mata-mata anu dikirim ku urang
Yahudi, mere jalan pileupaseun nepi ka
mata-mata tea leupas tina bahaya.
26 Cindekna, iman tanpa amal pagawean

teh, nya eta jeg raga taya nyawaan,


paeh ngaranna.
1 Dulur-dulur! Ulah sarerea harayang

3 jadi guru. Ku urang ge geus karasa,


YAKOBUS 3.2–8 9
guru mah ana geus disalahkeun sok
leuwih beurat ti nu lian.
2 Mangkaning urang teh sarerea oge

tara luput tina kasalahan-kasalahan. Anu


ucap-ucapanana tara salah tur sanggup
ngadalian diri, nya jelema sampurna tea
ngaranna.
3 Kuda beunang dikadalian, sina nurut

dikuah-kieuh ku urang.
4 Kapal kajeun sakumaha gedena tur

lajuna ku tanaga angin gede, geuning


bisa digulak-gilek ku kamudi anu sakitu
leutikna.
5 Letah oge nya kitu: Kajeun leutik,

tapi mungguhing kalungguhanana mah


kacida pentingna. Seuneu saenyay, bisa
ngahuru leuweung geledegan.
6 Letah oge kawas seuneu, jadi

sumbering balai anu ngancik dina


diri, anu bisa nyebarkeun kajahatan
jeung ngahuru tata cara kahirupan
urang sagemblengna. Sabab letah teh,
sategesna mah mawa seuneu naraka.
7 Jelema bisa ngalilindeuk mahluk

sejen: Sato leuweung, manuk, sato


bangsa kadal, kitu deui lauk.
8 Tapi letah mah, hamo aya anu bisa

ngalilindeuk. Letah mah, estuning


YAKOBUS 3.9–15 10
mangprung teu beunang diatur-atur, jadi
sumber werejit anu mateni.
9 Ku urang sok dipake muji sukur ka

Pangeran, Allah Nu jumeneng Rama tea.


Tapi sok dipake nyumpahan ongkoh,
nyumpahan papada manusa anu
dijadikeunana ngalap ka salira Allah.
10 Nya pamuji sukur nya panyapa,

ngaburulana tina sungut eta-eta keneh.


Dulur-dulur ulah nepi ka kitu.
11 Sageuy, aya cinyusu ngabijilkeun cai

tawar ongkoh cai asin ongkoh.


12 Sageuy, aya tangkal kondang buahan

jetun atawa anggur buahan kondang.


Sageuy, aya cai ti laut anu rasana tawar.
13 Saha di aranjeun anu alim jeung

luhung panemu? Kudu bukti tina


caraning hirupna ku amal-amal anu
hade, anu medal tina usiking budi anu
lemes tur lantip.
14 Ari boga hate sirik-pidik, ngunek-

ngunek jeung hawek mah ulah waka


agul-agul! Ulah nyiar ekol pikeun
ngalawan sual nu bener.
15 Budi pangarti kawas kitu mah

kaluaran ti dunya, lain bijilan sawarga,


tapi asal tina hawa napsu idajil.
YAKOBUS 3.16–4.4 11
16 Sipat sirik jeung hawek mah,
perbawana ngan ngajak kusut, mawa
kana lampah jahat.
17 Sabalikna, budi pangarti anu asal ti

sawarga, — sipat anu pangutamana —


nya eta suci. Lian ti eta: Resep rapih,
darehdeh, nurut, karunyaan, jembar ku
amal, leubeut ku kahadean, tara beurat
sabeulah, sarta tara munapek.
18 Buah-buahna oge tangtu hade jeung

bener, anu disebarkeun ku sing saha anu


resep kana karapihan.
1 Naon tea nu ngalantarankeun dulur-

4 dulur pasentrok jeung pabengkah


teh? Naha eta teh lain ku lantaran hawa
napsu anu salawasna ngagoda?
2 Ana kahayang henteu kahontal, dulur-

dulur tega nepi ka maehan. Hayang anu,


tapi teu bisa laksana, dibelaan ribut
nepi ka garelut. Tapi keukeuh henteu
beunang, da puguh henteu neneda tea.
3 Atawa neneda, tapi teu dikabul

lantaran tekadna salah, nya eta ngan


seja muaskeun kahayang sorangan.
4 Dasar golongan henteu satia! Kawas

nu teu nyaho bae, yen misobat kana


kadunyaan teh ngamusuh ka Allah.
YAKOBUS 4.5–11 12
Raket kana kadunyaan teh, hartina jauh
ti Allah.
5 Ulah dikira taya maksudna Kitab

Suci nyebutkeun: “Ruh anu ku Allah


diancikkeun di diri urang, dimaksad
kanggo Mantenna ku anjeun.”
6 Sabalikna, kurnia-Na oge ka urang

leuwih agung batan eta, sakumaha ceuk


Kitab Suci: “Jelema nu garumede ku
Allah ditolak, sabalikna, nu rarendah
hate ku Mantenna diberkahan.”
7 Ku sabab eta, masing sumerah ka

Allah. Lawan Setan teh, tanwande


manehna kabur.
8 Sing raket ka Allah, tanwande

Mantenna oge raket ka aranjeun.


Sucikeun leungeun, ulah daroraka kitu!
Sucikeun hate, ulah marunapek kitu!
9 Aranjeun teh kuduna mah nalangsa,

ceurik, ngerik, jauh ti matak gumbira


jeung bagja. Kudu prihatin!
10 Tundukkeun diri di payuneun

Pangeran, tangtu ku Mantenna


dijungjung.
11 Omat dulur-dulur, ulah silih

gorengkeun. Sing saha anu


ngagorengkeun atawa ngahukuman
batur, eta tegesna moyok jeung nyebut
YAKOBUS 4.12–5.1 13
teu bener kana hukum. Lamun aranjeun
nyebut teu bener kana hukum, tandaning
embung nurut kana hukum, malah sasat
jadi hakimna.
12 Anging Allah Anu wenang

ngaluarkeun jeung nyalahkeun hukum


teh. Anging Mantenna Anu kawasa
nyalametkeun jeung ngaruksakna. Saha
karah aranjeun teh, make nyebut teu
bener ka batur?
13 Aranjeun sok ujub kieu: “Poe ieu

atawa poe Anu, urang rek ka dayeuh


Anu, sataun lilana; nya rek balantik nyiar
untung.”
14 Padahal teu nyaho isukan baris

kumaha. Tur hirup teh ibarat halimun


ipis, aya sakeudeung les leungit deui.
15 Kuduna ngomong teh kieu: “Manawi

Allah marengkeun, kuring teh gaduh niat


seja anu.”
16 Ari aranjeun anggur ujub jeung

takabur. Salah kabina-bina eta teh!


17 Ku sabab eta, anu nyaho kana

lampah hade, tapi teu prak dipilampah;


eta teh dosa!
1 He nu baleunghar, dengekeun:

5 Aranjeun saenyana mah kudu


YAKOBUS 5.2–7 14
careurik nyeungceurikan diri baris
katarajang bahla.
2 Kakayaan aranjeun saenyana geus

bulukan. Papakean aranjeun ge, geus


rarenyah ku geget.
3 Emas perak aranjeun geus karahaan

sarta karahana baris ngajadi saksi anu


malik ngalawan, malah baris ngahuru lir
seuneu, ngahakan daging aranjeun nepi
ka beak! Taya gunana numpuk-numpuk
kabeungharan lantaran aranjeun tereh
enggeusan.
4 Aranjeun ngagawekeun jalma

percumah, buruhanana henteu dibayar.


Koceak maranehna teh, geus tepi kana
cepil Allah Nu murbeng alam.
5 Hirup aranjeun di ieu dunya

ngahenang-ngahening taya kakurang.


Awak haben dilintuhan nepi ka gigiblihan,
meujeuhna pisan eukeur peunciteun.
6 Aranjeun nyiksa, malah maehan

jelema-jelema anu teu tuah teu dosa tur


teu werat ngalawan!
7 Dulur-dulur! Sing tagen, sing

sabar ngadago sumpingna Gusti


Jungjunan urang. Tenjo patani, teu
weleh sabar ngarep-ngarep sangkan
YAKOBUS 5.8–13 15
pepelakanana hade hasilna. Teu weleh
sabar ngarep-ngarep usum hujan.
8 Sing salabar sarta kuatkeun hate;

sabab Gusti Jungjunan urang teh, moal


lila deui oge sumping.
9 Ulah luhlah ngarasula, bisi keuna

ku hukumanana. Tuh Hakimna geus


sumping, geus sayagi.
10 Kudu nyonto ka paranabi purah

ngemban timbalan Allah, geuning sakitu


salalabarna najan salangsara oge.
11 Saenyana, anu sabar tawekal teh,

ceuk simkuring mah jelema bagja. Saha


anu bireuk kana carita Ayub anu sabar
taya babandinganana? Geuning ari geus
waktuna mah, teu luput tina ganjaran
Allah; sabab Allah mah, sugih ku asih
jembar ku piwelas.
12 Ari nyarita ulah jeung bari sumpah

sagala, demi langit demi bumi, atawa


demi itu demi ieu. Kudu dipahing kikituan
teh. Sebutkeun bae “enya” lamun enya;
“henteu” lamun henteu, supaya henteu
keuna ku hukuman ti Allah.
13 Upama aya anu meunang karerepet,

ulah poho neneda. Sabalikna, anu


meunang kasenangan ulah poho muji
sukur.
YAKOBUS 5.14–19 16
14 Dulur anu gering kudu
dipangneangkeun pangurus jamaah, anu
kudu mangnedakeun jeung ngolesan ku
minyak kalayan nyambat pajenengan
Allah.
15 Ku paneda anu medal tina iman

kapercayaan, nu gering baris katulungan,


ku Gusti baris dikersakeun cageur. Malah
upama aya kasalahanana oge, baris
dihampura.
16 Ku sabab eta, ari aya kasalahan

pada batur teh sing daraek waleh, sing


daraek silih hampura, bari silih doakeun.
Pangdoa jelema nu hade hate mah, gede
maunatna.
17 Contona Nabi Elias. Anjeunna oge

jelema biasa cara urang. Tapi waktu


anjeunna nyuhunkeun ka Allah supaya
satanah Israil ulah turun hujan, bukti
hujan henteu turun-turun nepi ka
campleng tilu taun satengah; sabab
anjeunna, nyuhunkeunana panteng.
18 Kitu deui, waktu anjeunna neneda

nyuhunkeun hujan, cur bae hujan teh


turun ti langit, nepi ka tanah teh subur
deui.
19 Dulur-dulur! Kumaha upama aya

anu kasasar lampah, mengpar tina


YAKOBUS 5.20 17
bebeneran? Sing saha nu bisa nungtun
eta jelema kana jalan anu bener deui;
20 eta teh, sasat baris nyalametkeun

patina sarta nyegah manehna tina


ngalampahkeun deui dosa.
1 Petrus
1 Suratti simkuring, Petrus, rasul-Na
1 Isa Al Masih. Kahatur dulur-dulur
anu keur ngalumbara di wilayah Pontus,
Galata, Kapadokia, Asia, jeung Bitinia.
2 Dulur-dulur, anu geus kapilih

numutkeun pangersana Allah, Rama;


anu geus disucikeun ku Ruh Mantenna,
dianutkeun ka Isa Al Masih anu
ngaberesihan dulur-dulur, ku getih-Na.
Mugi sing marendak rahmat rahayu.
3 Sagala puji kasembahkeun ka Allah,

Rama Gusti Jungjunan urang, Isa Al


Masih. Mantenna sakitu welas asih-Na,
nya eta nepi ka hirup urang ku Mantenna
dianyarkeun deui sarta dipaparin
pangharepan; ku jalan Mantenna
ngagugahkeun deui Isa Al Masih tina
pupus-Na.
4 Ku sabab eta, urang baris narima

warisan, — anu teu keuna ku ruksak, teu


keuna ku cacad, tur moal aya sudana —
nu geus disadiakeun di sawarga.
5 Nya pikeun urang, anu geus dituyun

ku kakawasaan Allah; ku jalan iman


1 PETRUS 1.6–10 2
sarta percaya. Urang baris dicandak kana
kasalametan anu geus disayagikeun
jeung baris katarima dina jaman ahir.
6 Hal eta, pohara matak bagjana;

sanajan ayeuna mah dulur-dulur teh,


keur sarusah nandangan rupa-rupa
cocoba. Tapi eta teh moal lila.
7 Itung-itung keur diuji. Geuning emas

oge, barang anu keuna ku ruksak, sok


dibesot ku seuneu. Iman dulur-dulur oge
nu leuwih mahal ti batan emas, kudu
dibesot supaya tahan uji. Ku jalan kitu,
dimana cunduk waktuna Isa Al Masih
pinton salira, urang baris meunang
kahormatan jeung kamulyaan.
8 Dulur-dulur can kungsi tepung

jonghok jeung Anjeunna, tapi teu burung


nyaah ka Anjeunna. Can kungsi patingal,
tapi teu burung percaya ka Anjeunna.
Tangtu baris karasa kumaha bungahna,
— bagja taya pibasaeunana —
9 lantaran nu jadi udagan iman

kapercayaan, nya eta kasalametan


pikeun jiwa, geus katarima.
10 Nya kasalametan anu ieu, anu diarulik

jeung ditalungtik ku nabi-nabi teh. Ieu


sih kurnia Allah anu geus kapimilik ku
1 PETRUS 1.11–14 3
dulur-dulur teh, ku aranjeunna geus
kapeleng jeung geus disalaurkeun.
11 Sabab hal Al Masih, — baris

nandangan sangsara sarta ahirna baris


mulya — ku aranjeunna geus kauninga, ti
samemehna, ku pituduh Ruh Al Masih ku
anjeun. Ku aranjeunna terus dipaluruh,
iraha jeung kumaha pijadieunana.
12 Ku Allah geus diuningakeun, yen anu

keur dipaluruh teh lain keur aranjeunna,


tapi nya pikeun aranjeun kiwari. Ayeuna
dulur-dulur geus terang kana eta Injil
amanat ti sawarga, ku karana Ruh Allah
anu geus dilungsurkeun ti sawarga. Kana
ieu perkara najan malaikat-malaikat oge
harayangeun uninga.
13 Ku sabab eta, kudu sadia-sadia,

kudu cegahan, sarta sing antek; nya


ngarep-ngarep sih kurnia Allah, anu
baris dipaparinkeun dina waktu Isa Al
Masih nembongan, engke.
14 Lakuning hirup teh, kudu sing saperti

barudak anu ngesto ka kolot. Ulah


kabawa deui ku pangajak napsu, kawas
nu enggeus-enggeus, basa eukeur buta
tuli keneh.
1 PETRUS 1.15–21 4
15 Hirup teh kudu suci. Sabab Allah,
anu geus nyaur ka dulur-dulur teh, suci
kaayaana-Na.
16 Kudu sakumaha ceuk Kitab: “Maneh

kudu suci sabab Kami teh suci.”


17 Lamun aranjeun nyambat ka Allah,

kudu sakumaha ka Bapa. Mantenna


tara pilih kasih. Nu adil ka saban jalma,
numutkeun kalakuan jelemana masing-
masing. Ku sabab eta, meungpeung
eukeur di dunya masing tuhu ka
Mantenna.
18 Dulur-dulur geus terang, yen nu

matak bisa lesot tina hirup anu tanpa


guna warisan karuhun teh, lain ditebus
ku dunya barana anu sipatna owah
gingsir, lain ku emas, atawa perak.
19 Panebusna teh mahal kabina-

bina, nya eta: Getih Al Masih, anu


dilambangkeun ku getih anak domba
anu mulus tea.
20 Dipilihna Al Masih ku Allah teh, geus

ti samemeh alam dunya dijadikeun. Ari


nu matak dinyatakeuna-Na kakara dina
jaman ahir kiwari, maksudna nya pikeun
kapentingan aranjeun.
21 Ku jalan Anjeunna, dulur-dulur

jadi percaya ka Allah, Anu geus


1 PETRUS 1.22–2.1 5
ngagugahkeun Al Masih ti jero kubur
bari terus dipaparin kamulyaan. Ku jalan
kitu oge, ayeuna dulur-dulur teh jadi
panteng, boh iman, boh pangharepan ka
Allah.
22 Ayeuna dulur-dulur geus

ngaberesihkeun diri, ku jalan anut


kana kayaktian. Geus bisa ngamalkeun
kanyaah ka sasama batur saiman.
Lakonan terus kalawan saiklas-iklasna,
heman asih ka pada batur.
23 Sabab ayeuna, dulur-dulur geus

anyar, lir nu anyar dijurukeun. Lain lahir


tina wiji nu keuna ku pati, tapi tina wiji
anu hirup salalawasna, nya eta tina
pangandika Allah anu sipatna hirup tur
langgeng.
24 Karana: “Jalma mah ibarat jukut,

harkatna lir kembang tegalan. Jukut


perang, kembang ragragan.
25 Tapi pangandika Pangeran mah,

tetep salalanggengna.” Ari anu disebut


pangandika teh, nya eta Injil tea, anu
geus diwawarkeun ka aranjeunna.
1 Kalakuan-kalakuan anu goreng,

2 tipu daya, palacidra, hiri dengki,


jeung upat pitenah geura piceun.
1 PETRUS 2.2–7 6
2 Kudu hirup lir anu kakara dijurukeun,
digedekeun jeung dihirupan ku cisusu
anu murni, nya eta cisusu anu rohani.
3 Kudu kitu ari enya mah ngarasa kana

kasaean Gusti.
4 Kudu muntang ka Anjeunna. Anjeunna

saibarat hiji batu hirup. Ku manusa


dipiceun, ku Allah mah malah dianggo
tur dibere pangaji.
5 Aranjeun pribadi, kudu jaradi lir batu

hirup nu digunakeun keur ngadegna


bait suci rohani; ambeh aranjeun
ngajadi hiji imamat anu suci, anu baku
kana ngahaturkeun kurban rohani anu
kamanah ku Allah lantaran Isa Al Masih.
6 Sabab dina Kitab kaungel: “Hiji batu

anu gede pangajina, ku Kami geus


dipilih, dijadikeun batu juru adegan
di Sion. Anu percaya ka dinya (ka
Anjeunna), moal kawiwirangan.”
7 Keur aranjeun anu percaya ka eta

batu hirup teh, gede pangajina. Ari keur


anu henteu percaya, ungelna Kitab teh
kieu: “Batu anu dipiceun ku juru adegan,
geus dijieun batu juru. Maranehna
baris titajong, ngudupruk kana eta batu
cadas.”
1 PETRUS 2.8–12 7
8 Maranehna, anu henteu palercaya tea,
memang titajong; da geus kitu nasibna.
9 Sabalikna, aranjeun mah turunan anu

kapilih, ngagem hak imam karajaan,


jadi bangsa anu suci, umat Allah ku
manten, anu geus ditangtukeun geusan
nguarkeun padamelan-padamelan
Mantenna anu aragung, nya eta anu
nyaur dulur-dulur: Kaluar ti alam poek
geusan asup kana cahaya Mantenna anu
aheng.a
10 Asalna, dulur-dulur teh lain umat

Allah, ayeuna jadi kagungana-Na. Anu


tadina sepi ku piwelas Allah, kiwari
henteu kendat dipiwelas dipiasih.
11 Paramitra! Hirup di dunya teh ukur

ngumbara. Kudu nyegah kahayang


jasmani anu salawasna patonggong-
tonggong jeung pangajak jiwa.
12 Sing ati-ati hirup di tengah

bangsa deungeun. Kudu jadi conto


tuladaneun; kudu tembong ka sakur
nu ngagorengkeun yen dulur-dulur
teh estuning jelema hade, supaya
maranehna daek teu daek baris
ngagungkeun ka Allah di mana urang
geus dilayad ku Mantenna.
aTit 2:14
1 PETRUS 2.13–20 8
13 Ka nu nyepeng pamarentahan, demi
Allah, masing ngesto, boh ka prabu anu
nyepeng kakawasaan pangluhurna,
14 boh ka pamarentah-pamarentah

daerah anu dikawasakeun ngahukum nu


salah jeung ngaganjar ka nu bener.
15 Aranjeun dipundut kitu ku Allah,

supaya jelema-jelema anu paralung


kabekem sungutna ku kalakuan aranjeun
anu hade.
16 Kudu boga jiwa merdeka, tapi

kamerdekaanana ulah salah dipakena.


Ulah dipake keur nyimbutan kama'siatan.
Sabalikna, kamerdekaan teh kudu dipake
pikeun kumureb ka Allah.
17 Unggal jalma kudu diajenan; sing

ha'at ka dudulur; sing gimir ka Allah


jeung sing hormat ka Pamingpin Nagara.
18 Anu eukeur kumawula masing ngesto

jeung ajrih ka dunungan, boh dunungan


bageur, boh rewel jeung bengis.
19 Upama aranjeun, — lantaran aya

karumasaan ka Pangeran — kuat ku lara


anu asalna lain tina kasalahan sorangan,
tangtu ku Mantenna dipaparin rahmat.
20 Ari sabar ku pameupeuh lantaran

balukar tina kasalahan sorangan mah,


naon pujieunana? Sabalikna, upama
1 PETRUS 2.21–3.1 9
nyorang lara teh ku lantaran milampah
anu hade, — tur sabar nandanganana —
tangtu aya pahlana ti Allah.
21 Aranjeun nu matak disaur ku

Mantenna teh, nya keur eta tujuanana.


Al Masih ku anjeun nandang sangsara
teh lantaran dosana manusa. Anjeunna
geus maparin conto anu kudu ditulad ku
aranjeun.
22 Tara teh teuing Anjeunna mah

midamel dosa atawa cidra.


23 Ana aya anu nyapa, tara kersaeun

malik nyapa. Diteungteuinganan oge,


tara kersaeun ngancam, estu sumerah
ka Allah anu nyepeng hukum adil.
24 Dosa-dosa urang ku Anjeunna

ditanggel nyalira dina salib-Na, malar


urang dipaehkeun tina dosa sarta
dihirupkeun dina kayaktian. Tatu-tatu
salira-Na geus ngajadikeun dulur-dulur
waras waluya.
25 Bareto, dulur-dulur teh lir domba anu

kasarung; ayeuna enggeus kapanggih,


balik ka Gusti Panuyun, anu ngaraksa
jeung ngariksa hirup aranjeun.
1 Istri-istri kudu ngesto ka salaki.

3 Malakmandar, upama nu jadi salaki


1 PETRUS 3.2–7 10
henteu tigin kana dawuhan Allah, bisa
eling teu karana ucap pangajak,
2 tapi lantaran kageuing ku laku

lampah nu suci katut iman aranjeun ka


Pangeran.
3 Perhiasan anu utama teh lain hiasan

lahiriah, lain gelung anu model, lain


emas anu rimbil dina awak, sarta lain
pakean anu aralus.
4 Nu utama mah, kalemesan budi; eta

anu jadi kageulisan ati teh, anu moal


luntur ku usum moal suda ku mangsa,
turta luhur pangajina dina soca Allah.
5 Istri-istri suci, baheula, oge

maridangna teh nya kitu pisan, nya eta:


Ngarep-ngarep ka Allah sarta ngesto ka
caroge.
6 Kudu nyonto ka Sarah anu sakitu

gumustina ka Ibrahim, ngabasakeunana


oge dunungan ka caroge teh. Aranjeun
teh ayeuna geus jadi putra-putra Sarah.
Kitu soteh upama hade tata hade hate,
tur henteu jejerih enggoning ngalakonan
kawajiban.
7 Sabalikna, kaom lalaki ge, kudu

hade ka pamajikan. Wanita teh kaom


nu lemah, anu kudu diajenan, sarta
dijadikeun batur hirup sauyunan ti sih
1 PETRUS 3.8–14 11
kurnia hirup. Supaya du'a aranjeun teh,
teu kahalangan. kana paneda.
8 Cindekna, kabeh masing sapaham,

silih pikaheman, silih hadean, sarta silih


eledan.
9 Anu jail ulah dibales ku jail; nu

nyarekan oge, ulah dibales. Anggur


doakeun sing meunang berkah. Sabab
pangna aranjeun disaur ku Allah teh,
nya geusan narima berkah-Na.
10 Ceuk Kitab oge: “Sing saha nu

hayang senang hirupna, jeung hayang


mulus jamuga, kudu ngajaga letahna,
tong dipake ngucap jahat, atawa linyok
jeung bohong.
11 Nu goreng singkahan, nu hade

tedunan. Siar karapihan, udag


karuntutan.
12 Sabab Pangeran salawasna

tumeuteup ka jalma nu hade lampah,


kersaeun ngadangu panyambatna.
Sabalikna, ka anu goreng lampahna
mah, Mantenna teu mirosea.”
13 Saha anu rek tega goreng ka

aranjeun, upama aranjeun sorangan


nyieun kahadean?
14 Upama kudu-kudu teuing nandangan

lara pedah iman ka Pangeran, malah


1 PETRUS 3.15–19 12
bagja. Teu kudu gimir ka nu dipikagimir
ku maranehna jeung ulah rempan.
15 Sabalikna, kudu tetep ngagungkeun

Al Masih dina jero hate maraneh;


sabab Anjeunna teh, Gusti Jungjunan
urang. Upama aya nu hayang
meunang katerangan tina hal anu jadi
pangharepan umat Gusti, salawasna
kudu daek nerangkeun kalawan hade
basana hade tatana,
16 dibarung ku hate anu beresih. Ku

jalan kitu, anu tadi niat moyok dumeh


aranjeun anut ka Al Masih teh, malik era
ku omonganana sorangan.
17 Ti batan teu jamuga lantaran ku

lampah goreng, mending keneh nandang


lara lantaran hade lampah.
18 Kapan Al Masih oge pupus-Na

teh lantaran dosa urang. Anjeunna


nu tanpa dosa, pupus ku karana
dosa-dosa manusa, supaya manusa bisa
disanggakeun ka Allah. Al Masih teh,
raga badag-Na mah beunang dipaehan,
tapi mungguhing Ruh-Na mah tetep
kawasa.
19 Ruh Anjeunna tetep unggul sarta dina

kaunggulana-Na tea, Anjeunna mawa


1 PETRUS 3.20–4.1 13
warta ka jiwa-jiwa anu keur dikungkung
di alam kubur;
20 eta teh, jiwana jelema-jelema anu

daroraka keur jaman Enoh, anu ku Allah


geus sakitu lilana disabaran nalika Enoh
ngadamel kapal tea. Harita ngan saeutik
pisan jiwa-jiwa anu disalametkeun tina
caah sadunya teh, nya eta ngan dalapan
urang.
21 Eta caah, ayeuna mah dilambangkeun

kana baptisan, anu ngalantarankeun


aranjeun jadi salamet. Eta lambang anu
mangrupa banyu baptisan, lain keur
meresihan kokotor awak; tapi pikeun
nyuhunkeun kaweningan budi, ka kersa
Pangeran ku hikmat gugah-Na Al Masih,
22 anu geus munggah ka sawarga

jeung jumeneng di tengeneun Allah;


paramalaikat, parakawasa, kitu deui
roh-roh anu wisesa taraluk ka Anjeunna.
1 Al Masih teh geus nandangan

4 sangsara badaniah. Aranjeun kudu


eling kana hal eta, malar meunang
kakuatan. Sabab anu nandangan
sangsara badaniah ku karana iman, eta
teh geus taya patalina deui jeung dosa.
1 PETRUS 4.2–7 14
2 Ti semet ayeuna ka hareup, sesa
umur teh ulah dipake kumawula ka hawa
napsu, tapi kudu dipake ngesto ka Allah.
3 Lesotkeun kabiasaan ngumbar karep,

nya eta anu jadi kabiasaanana jelema-


jelema anu teu percaya ka Allah. Bareto
ge geus sareubeuh hirup sakama-kama,
borak-borak, rucah, mabok-mabok,
jeung nyembah ka brahala-brahala teh!
4 Jelema anu teu nyembah ka Allah

mah, ayeuna tangtu bae heraneun; ku


sabab aranjeun henteu milu deui guyang
dina kolomberan anu sakitu rujitna;
tuluy bae maranehna mah ngagogoreng.
5 Tapi kalakuan maranehna nu kitu

teh, baris aya balitunganana jeung


Mantenna; Allah anu saged nibankeun
hukum adil, boh ka nu harirup, kitu deui
ka nu geus paraeh.
6 Pangna anu geus maraot oge

diwawaran Injil teh, supaya maranehna,


ana geus paraeh sakumaha galibna
manusa tea, bisa tetep hirup sasarengan
jeung Allah nu jumeneng.
7 Sagala perkara geus tereh kana

wekasan. Nu matak kudu cegahan, kudu


eling pikir, malar bisa husu neneda.
1 PETRUS 4.8–13 15
8 Utamana pisan mah, kudu enya-enya
silih pikanyaah. Sabab najan alah
sakumaha salahna oge, ari ku kanyaah
mah kasilep.
9 Kudu daek katumpangan batur bari

ulah ngarasula.
10 Rejeki nu katarima, ku sing saha

bae, kudu dipake keur silih tulungan;


eta nandakeun yen aranjeun teh jadi
pangurus anu hade dina makihikeun
rupa-rupa berkah ti Allah.
11 Anu osok hutbah, anu dihutbahkeun

teh kudu dawuhan-dawuhan Allah.


Anu ngalakonan papancen jamaah,
kudu rumasa yen kuat soteh,
ngalampahkeunana, estu ngan ku
karana pangdeudeulna kawasa Allah.
Ku jalan kitu, dina sagala rupa perkara,
Allah baris dimulyakeun ku karana Isa
Al Masih. Nya Mantenna Nu kagungan
kahormatan sarta kakawasaan,
salalanggengna. Amin.
12 Paramitra! Ulah kaget ku siksaanana

cocoba, najan karasana teh kaliwatan


beuratna.
13 Malah beuki banget, eta sangsara

— saperti anu kalakon ku Al Masih


— kudu beuki dipake bungah. Tangtu
1 PETRUS 4.14–18 16
engke karasa sukana, anu taya
babandinganana, di mana Al Masih geus
pinton kamulyaan.
14 Kudu ngarasa bagja mun aya anu

ngahina pedah aranjeun anut ka Al


Masih. Sabab eta teh, tandaning Ruh
Agung, nya eta Ruh Allah geus ngancik
di diri aranjeun.
15 Kahade timbulna sangsara teh, ulah

ku lantaran salah sorangan; upamana


bae lantaran maehan, maling, jahat,
atawa hianat ka batur.
16 Sabalikna, upama sangsara teh

lantaran anut ka Al Masih, teu kudu era;


malah kudu muji sukur ka Allah, dumeh
aranjeun kaasup umat Al Masih.
17 Kiwari enggeus wancina pangadilan

teh dimimitian. Anu diheulakeun teh nya


eta ngadilan warga-warga umat Allah
ku manten. Upama dimimitianana ti
urang heula mah, beu, sakumaha teuing
pibalukareunana ka jelema-jelema anu
teu percaya kana Injil pangwawaran ti
Allah!
18 Cacakan jelema hade geus seuseut

salamet, mana komo jalma nu dosa


doraka, kumaha pitemaheunana?
1 PETRUS 4.19–5.5 17
19 Ku sabab eta, anu sangsara ku
karana nohonan pangersa Allah teh,
sing sumerah ka Mantenna, — Allah Anu
murbeng alam tur satuhu — sumerah ku
jalan lampah nu hade.
1 Ka parakokolot jamaah, simkuring

5 seja mere wawadi, dumeh simkuring


oge jadi kokolot saperti aranjeun.
Simkuring teh nyaksian pisan, kumaha
sangsarana Al Masih teh; tur simkuring
oge baris kacandak mulya, lamun
kamulyaan Anjeunna geus dinyatakeun.
2 Urus sing bener domba-domba Allah

dina cangkingan aranjeun teh. Ngurusna


ulah jeung asa kapaksa, kudu jeung
iklas, luyu jeung pamundut Allah. Ulah
ku dumeh pandang buruh, tapi ku
dumeh ngarasa yen eta teh kawajiban.
3 Kahade ulah boga pikir kawasa

marentah sakahayang ka maranehna


anu dipercayakeun ka aranjeun, anggur
kudu mere tuladan.
4 Di mana Gusti, Pangangon Agung,

sumping; aranjeun baris diganjar


makuta, anu cahayana moal suda-suda.
5 Ari aranjeun anu ngarora! Sing ngesto

ka nu leuwih kolot. Kitu deui jeung


papada saumur kudu silih rendah.
1 PETRUS 5.6–10 18
Sabab: “Ka jelema nu gumede, Allah teh
cua manah-Na. Sabalikna, ka jelema nu
daek rendah, Allah maparin berekah.”
6 Di bawah panalingaan Allah Anu

ngagem kawasa, maraneh kudu


ngalaipkeun diri; supaya di mana
waktuna cunduk, maraneh ku Mantenna
dijungjung.
7 Sagala kasusah maraneh unjukkeun

ka Mantenna, geus tangtu Mantenna


kersa nulungan.
8 Sing caringcing taki-taki. Musuh

maraneh, si Iblis, guar-gaur cara maung


eukeur neangan rewegeun!
9 Lawan manehna ku kapengkuhan

iman. Maraneh oge terang yen dulur-


dulur anu lianna, di sakuliah bumi, sarua
bae pada nandangan sangsara sarupa
kitu.
10 Tapi di mana sangsara geus liwat, —

lantaran sangsara teh moal sabaraha


lilana — maraneh baris disampurnakeun,
dipaparin katangguhan, dipulihkeun
tanaga ngajadi rosa kabina-bina ku
Allah ku manten. Allah teh sumber
sagala kurnia, anu geus nyaur maraneh,
supaya ku karana Al Masih, maraneh,
1 PETRUS 5.11–14 19
bisa milu kana kamulyaan Mantenna anu
langgeng.
11 Nya Mantenna anu kagungan

kakawasaan teh, salalanggengna. Amin.


12 Ieu surat pondok bae.

Dipangnuliskeun ku saderek Silwanus,


hiji dulur anu ceuk pangrasa simkuring
mah pohara pengkuh imanna. Maksudna
teh, taya lian ti seja mere kayakinan
jeung panyaksen; yen hal ieu teh,
saestuna sih kurnia Allah. Sing pageuh
nya muntang ka dinya.
13 Dulur-dulur, jamaah di Babul,

ngahaturkeun salam; kitu deui anak


simkuring, Markus. Maraneh masing
silih boro ku kasono, silih rangkul ku
pangjurung.
14 Mugi-mugi, kum sakabeh dulur-dulur

anu saiman anut ka Al Masih, sami-sami


mendak rahmat rahayu.
2 Petrus
1 Surat ti simkuring, Simon Petrus,
1 rasul anu eukeur kumawula ka Isa
Al Masih. Kahatur dulur-dulur, anu ku
karana adil-Na Allah jeung Juru Salamet
urang, Isa Al Masih, geus ngamilik banda
anu mulya saperti simkuring, nya eta
iman kapercayaan.
2 Mugi-mugi aranjeun ginanjar rahmat

rahayu, dumeh geus terang ka Allah


jeung ka Gusti Jungjunan urang, Isa Al
Masih.
3 Ku kawasaning Allah nu agung,

urang geus dipaparin sakur nu perlu


geusan hirup kalawan ibadah, nya eta
ku lantaran diwanohkeun ka Nu geus
nyaur ka urang, malar kamulyaan jeung
kakawasaan Anjeunna tumerap ka
urang.
4 Jangji-jangji Mantenna ka urang,

anu agung tur luhur pangajina, geus


tutas laksana. Ku kituna, — ku karana
kudrat ilahi — aranjeun geus bisa ngejat
tina pangaruh-pangaruh dunya anu
ngaruksak.
2 PETRUS 1.5–11 2
5 Ku sabab eta, aranjeun kudu ihtiar
sakuat-kuatna: iman deudeul ku
kanyaahan; kanyaahan deudeul ku
pangarti;
6 pangarti deudeul ku mawas diri;

mawas diri deudeul ku kamantepan;


7 kamantepan deudeul ku ibadah;

ibadah deudeul ku midulur pada batur;


midulur pada batur deudeul ku nyaah ka
sakumna jalma.
8 Upama sipat-sipat eta, geus kapimilik

ku aranjeun. Tangtu wanoh ka Isa Al


Masih, Gusti Jungjunan urang teh, baris
beuki subur buah-buahna.
9 Sabalikna, saha bae nu teu ngabogaan

sipat-sipat anu kasebut tadi mah, eta


teh poekkeun. Manehna poho, yen dirina
geus dilubarkeun tina dosa-dosa nu
baheula.
10 Sabab eta, dulur-dulur kudu

narekahan sakuat-kuatna, sangkan


panyaur jeung pamilih Allah ka aranjeun
teh ngajadi reugreug pageuh. Upama
geus bisa kitu, pamohalan aranjeun
tigedebug.
11 Aranjeun baris dipaparin kalangsaran

asup ka Karajaan anu langgeng


2 PETRUS 1.12–17 3
kagungan Gusti jeung Juru Salamet
urang, Isa Al Masih.
12 Eta sababna, sanajan aranjeun geus

tabah tur pengkuh madeg dina eta


kayaktian, simkuring moal weleh-weleh
ngelingan.
13 Sapanjang make keneh ieu raga

awak, ngageuing ka aranjeun teh pikeun


simkuring mah jadi hiji kawajiban.
14 Sabab simkuring geus terang ti Isa

Al Masih, Gusti Jungjunan urang ku


anjeun, yen ieu kurungan simkuring teh
sakeudeung deui oge baris ruag.
15 Nu matak ayeuna simkuring teh

tarekah, sangkan hal ieu ku dulur-dulur


tetep ditungkus jeroning kalbu, sanajan
simkuringna geus teu aya.
16 Dulur-dulur! Anu diwawarkeun ku

simkuring teh lain dongeng jijieunan.


Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih,
anu baris rawuh deui teh memang mulya
tanpa tanding. Simkuring sabatur-batur
geus naringal sorangan kumaha
kamulyaana-Na.
17 Kasaksian pisan caraning Anjeunna

nampi kahormatan jeung kamulyaan ti


Allah Rama, anu leuwih ditetelakeun deui
2 PETRUS 1.18–2.1 4
ku gentra ti Anu Maha Mulya, ungelna:
“Ieu Putra Kami! Kakasih Kami!”
18 Eta gentra ti sawarga teh, sidik pisan

kadenge ku simkuring jeung dua batur


anu nyarengan Anjeunna, disalahsahiji
puncak gunung anu suci.
19 Sanggeus nyaksian eta, kayakinan

simkuring sabatur-batur kana dawuhan


Allah anu ditepikeun ku nabi-nabi teh,
jadi beuki teguh. Ieu hal, perlu ku
aranjeun diperhatikeun, lir neuteup
cahaya palita anu nyaangan poekna
peuting, ngadago cahaya bentang isuk
anu moncorong jeroning ati, mapag
datangna beurang.
20 Jeung kudu diingetkeun: Moal aya

hiji nubuwat dina Kitab anu bisa dibuka


pihartieunana ku uteuk pangarti manusa
sorangan.
21 Sabab taya hiji nubuwat

beubeunangan uteuk manusa.


Nabi mah darma ngucapkeunana sarta
ngucapkeunana ge salawasna kalawan
pajenengan Allah; sabab kedalna teh, ku
pangjurungna Ruh Allah.
1 Sakumaha baheula, umat Allah

2 teh kadatangan ku nabi-nabi palsu.


Kiwari, aranjeun ge baris kadatangan
2 PETRUS 2.2–5 5
ulama-ulama palsu, anu ngasupkeun
pangajaran-pangajaran teu uni nu
balukarna matak nyilakakeun; lian ti eta,
ulama-ulama palsu eta teh, nolak oge
ka anu kudu dipi-Gusti, anu geus nebus
maranehna. Tapi kalakuan maranehna
teh, tangtu malindes ngabinasa ka
maranehna keneh.
2 Sakitu garorengna, eta lampah, tapi

baris loba jalma anu biluk bari terus


ngagogoreng Jalan Kayaktian.
3 Bawaning ku rakus-rakusna nyiar

kauntungan, eta ulama-ulama palsu


teh moal euleum-euleum ngasong-
ngasong dongeng anu teu aruni. Tapi
hukumanana oge, keur maranehna teh,
enggeus lila disampakkeun tur moal
diengke-engke.
4 Allah henteu ngantep ka malaikat-

malaikat anu barontak: Kabeh


digebluskeun ka naraka; dibarogod di
alam poek pikeun ngadago waktu Poe
Pangadilan.
5 Allah ge henteu ngantep dunya purba,

— dina jaman Enoh — tempat jelema-


jelema nu marasiat nu ku Mantenna
geus dibasmi ku caah gede tea; ngan
Enoh jeung tujuh urang wungkul anu
2 PETRUS 2.6–10 6
dirahayukeun; sabab Enoh mah, anggur
ngajak supaya jelema-jelema anu
marasiat teh tarobat.
6 Allah ge ngahukum kota Sadumu

jeung Gomora; kadua kota eta, ku


Mantenna dibasmi ku seuneu pikeun
jadi conto ka hareupna: Kitu temahna,
mungguh jalma nu doraka mah.
7 Anu dirahayukeun tina eta hukuman

ngan Elut, jalma anu ibadah. Di eta


nagara, Elut teu eureun-eureun asa
kasiksa ku kalakuan-kalakuan urang
dinya anu teu ngendahkeun hukum
jeung ngan ngalajur napsu jahatna bae.
8 Ma'lum anjeunna hirup di masarakat

anu siga kitu, unggal-unggal poe


nyaksian kalakuan anu jarahat, teu
araruni, nepi ka jiwa Elut kacida
kasiksana.
9 Tina hal-hal anu bieu, tetela Pangeran

teh uninga ka umat-Na anu kudu


dilepaskeun tina kasukeranana sarta
ngahukum ka jelema-jelema anu jahat;
ku jalan ngagebluskeun maranehna
ka jero tahanan pikeun ngadago Poe
Pangadilan.
10 Mantenna pohara ngahukumna

ka jelema anu ngumbar napsu jahat,


2 PETRUS 2.11–13 7
anu ngumbar pangajak badani, jeung
ngahina kana pamarentahan Allah.
Eta ulama-ulama palsu teh kacida
garumedena, nepi ka taya pisan
hormatna ka Nu leuwih kawasa ti
batan dirina, malah teu euleum-euleum
ngagorengkeun teh.
11 Cacakan malaikat-malaikat anu jauh

tangeh leuwih luhur jeung leuwih kawasa


batan maranehna teh, teu warantuneun
ngagogoreng maranehna di payuneun
Allah.
12 Tapi eta ulama-ulama palsu tea,

jelema soteh ukur ngaranna, ari


kalakuanana mah teu beda ti sato anu
henteu boga akal. Maranehna teh, bleg
sato bae, nya ngan pikeun boroeun
jeung paehaneun wungkul. Maranehna
ngagorengkeun perkara nu teu kaharti
ku akalna. Nya kalakuanana keneh bae
anu bakal ngalantarankeun maranehna
binasa lir sato alas teh.
13 Kajahatanana tangtu baris meunang

pangwales. Kana ngumbar pangabeuki,


makmak-mekmek sapanjang poe, geus
ngabaju. Mutuh matak era, matak mawa
cacad ku kalakuanana anu sasar mun
2 PETRUS 2.14–19 8
pareng aranjeun dahar bareng jeung
maranehna.
14 Matana giras, pinuh ku geter birahi,

nya eta kana hirup rucah sarta taya


seubeuhna migawe dosa. Tukang
ngolo ka nu barodo. Hatena kebek ku
tabeat hawek. Jelema-jelema sapaeun
Pangeran!
15 Jalanna ngalalapruk, nepi ka

maranehna teh sasab; nya tuluy bae


nyokot jalan kawas anu dipake ku
Balhum bin Beor anu sapongkol jeung
musuh, pedah kagembang ku uang.
16 Tuh geuning, Balhum ge geus

ditegor ku Allah. Kalde tutumpakanana


ngadak-ngadak bisa ngomong kawas
jelema, megeg kapalunganana eta nabi.
17 Eta ulama-ulama palsu teh, jeg hulu

cai anu geus saat atawa kawas mega anu


katebak ku angin barat. Pitempateunana
teh, nya eta di nu poek mongkleng, nu
geus disampakkeun ku Pangeran.
18 Sungutna lir lodong kosong harus

ngelentrung. Lampah rucahna, dipake


ngabibita batur anu kakara bae lilir tina
kabiasaan-kabiasaan anu aeb.
19 Majar maneh bisa mere kamerdikaan,

padahal soranganana jadi badegana


2 PETRUS 2.20–3.2 9
napsu-napsu anu matak ngabinasa.
Sabab sing saha anu kasoran, eta teh
kudu kumawula ka anu ngelehkeunana.
20 Upama jelema anu geus ucul

tina pangaruh-pangaruh dunya anu


ngaruksak ku lantaran geus wanoh
ka Isa Al Masih, — Gusti Jungjunan
urang sarta Juru Salamet urang — heug
kabeulit deui ku nu karitu; kaayaanana
teh baris leuwih cilaka tibatan tadina.
21 Pikeun jelema anu kitu mah,

saenyana leuwih hade ulah nyaho sama


sakali kana jalan anu bener; tibatan
nyaho, tapi balik deui nukangan parentah
suci anu diwawarkeun ka manehna.
22 Jelema anu kitu, ninggang kana

paribasa: “Anjing ngaletakan deui


utahna, babi nu beunang ngamandian
ancrub deui kana pangguyangan.”
1 Paramitra! Geus dua kali jeung ieu,

3 simkuring nyuratan teh. Eusina mah,


sarua maksudna, nya eta tarekah seja
mepelingan aranjeun.
2 Malakmandar aranjeun areling terus

kana pilahir nabi-nabi baheula nu saruci;


kitu deui, kana timbalan Gusti Jungjunan
urang sarta Juru Salamet, anu ditepikeun
ku rasul-rasul anu daratang ka aranjeun.
2 PETRUS 3.3–8 10
3 Anu kudu pohara diingetkeunana
teh, nya eta: Dina mangsa-mangsa
jaman ahir, bakal aya tukang-tukang
nyacampah anu ngaberung. Maranehna
bakal nyarieun lulucon anu eusina
ngahina ka urang, basana:
4 “Baruk, eta teh enggeus jangji arek

datang deui? Ari ayeuna eukeur ka mana


heula? Geuning ti sapesna karuhun
urang, kaayaan teh angger keneh
bae, dunya ngadeg ti baheula henteu
robah-robah.”
5 Maranehna ngahaja mopohokeun

sajarah, yen baheula, sanggeus Allah


ngandika, jleg langit jeung bumi ngajadi.
6 Mopohokeun, yen bumi anu asal tina

cai jeung ku cai; geus dibasmi ku cai


oge, nya eta waktu aya caah sadunya
tea.
7 Mopohokeun, yen langit jeung bumi

anu kiwari teh, oge dicawiskeun keur


parab seuneu, sakumaha Pangandika
Allah; ngan sabot ngadago wancina, nya
eta Poean jelema-jelema anu daroraka
dipariksa jeung ditibanan hukuman.
8 Paramitra masing inget! Mungguh di

Pangeran mah, sapoe jeung sarebu taun


2 PETRUS 3.9–12 11
teh teu beda. Da pikeun Mantenna mah,
sarua bae.
9 Pangeran mah, kana ngalaksanakeun

jangji teh, tara talangke cara ceuk


sangkaan jelema. Nu saenyana mah,
Mantenna, sabar-Na kalangkung-
langkung ka aranjeun teh; dumeh
kahoyong-Na mah, ulah aya saurang ge
anu cilaka; sabalikna, kahoyong-Na mah,
kabeh teh tarobat tina dosa-dosana.
10 Demi Wanci pisumpingeuna-Na Gusti

Jungjunan urang teh, hamo kataksir


iraha, cara urang teu bisa naksir wanci
pidatangeunana bangsat. Dina Wanci
eta, langit baris ngiles sirna; sorana
ngagulugur, unsur-unsur jagat raya lebur
ku seuneu; kitu deui, bumi katut sagala
eusina baris musna kaduruk.
11 Jadi, ku sabab kabeh baris lebur ku

jalan kitu; atuh hirup aranjeun teh kudu


pohara suci kalawan takwana,
12 bari sing manteng dina ngarep-

ngarep jeung bajuang pikeun


pisumpingeunna-Na eta Poean
Gusti. Dina poe eta, langit lebur ku
seuneu sarta unsur-unsur jagat buana
ajur ku panas.
2 PETRUS 3.13–16 12
13 Tapi mungguhing urang mah, pan
pageuh ngarep-ngarep kana jangji
Pangeran, Anu ngajangjikeun langit
anyar jeung bumi anyar, pangancikan
anu dicita-cita ku urang, anu diereh ku
kaadilan.
14 Sabab eta, dulur-dulur! Sajeroning

nganti-nganti, aranjeun teh kudu


bajuang; sangkan aranjeun,
kasondongna ku Allah teh, ulah
aya dina kaayaan cacad atawa
nguciwakeun, malar bisa reureujeungan
jeung Mantenna kalawan santosana.
15 Kasabaran Pangeran ka urang teh,

hartina Mantenna maparin tempo


sangkan urang salamet; sakumaha
anu geus disaurkeun ku Paulus, mitra
simkuring, dina suratna ka aranjeun,
dulur-dulur. Anjeunna nyebatkeun kitu
teh lantaran kenging hikmat kapinteran
ti Allah.
16 Dina surat-suratna, unggal-unggal

oge anjeunna tara luput, kudu bae


nyarioskeun ieu perkara. Surat-surat
anjeunna sok dieusi ku sababaraha hal
anu muskil, matak hese kahartina. Ku
jelema-jelema anu kurang pangarti tur
kurang pengkuh imanna mah, hal eta,
2 PETRUS 3.17–18 13
dihartikeunana teh sok diputerbalikkeun,
nepi ka matakkeun maranehna
cilaka: Nya cara kana tulisan-tulisan
Kitab sejenna bae, maranehna, mun
ngahartikeun teh sok diputerbalikkeun.
17 Tapi mungguh aranjeun mah, ti

samemehna oge, geus terang kana hal


eta teh. Kari waspadana bae, malar ulah
kasered ku anu salalasar, — nya eta
jalma-jalma nu teu tara'at kana hukum
— bisi matak poho kana cecekelan.
18 Anggur sing leuwih rajin ngagunakeun

bakat jeung pangarti kurnia ti Isa Al


Masih, Gusti Jungjunan urang, sarta Juru
Salamet urang tea. Pikeun Anjeunna
bae, kamulyaan teh, ti ayeuna dugi
salalanggengna.
1 Yohanes
1 Ieuanu seja dipicatur, nya eta hal:
1 Sabda Hirup (Sabda nu jumeneng
Hirup), anu estu geus kasaksi ku
rasul-rasul pribadi, geus karungu ku
pangrungu, katingal ku siki mata, sarta
kacabak ku dampal leungeun.
2 Sabab eta Nu jumeneng Hirup teh,

anu tadina ngancik di Anu jumeneng


Rama, enggeus gumelar mijalma jeung
kasaksian ku simkuring, rasul-rasul.
Ayeuna, eta Anu jadi Hirup langgeng teh
diwartakeun ka aranjeun.
3 Tah eta, anu geus katingal jeung

kadenge ku rasul-rasul teh, ku simkuring


rek diwanohkeun ka aranjeun; supaya
aranjeun oge asup kana beungkeutana-
Na, saperti simkuring sapara kanca,
hirup satunggal jeung Anu jumeneng
Rama miwah Putra-Na, Isa Al Masih.
4 Sagala perkarana ku simkuring seja

dipedar, malar cacap kasukaan hate.


5 Perkara anu katarima ti Anjeunna,

anu ku simkuring seja diwartakeun ka


aranjeun, nya eta: Allah teh Sumbering
1 YOHANES 1.6–2.1 2
terang. Di Mantenna mah sama sakali
teu aya poek.
6 Jadi, upama urang ngaku geus hirup

satunggal jeung Mantenna tapi resep


keneh di alam poek, eta teh ngabohong
sabab urang teh patonggong-tonggong
jeung perkara anu sabenerna.
7 Sabalikna, upama enya, urang geus

aya di alam caang sakumaha Mantenna;


tanwande urang teh ngajadi hiji,
sabeungkeutan, sarta baris disucikeun
tina dosa ku getih Isa Putra-Na.
8 Upama urang ngakukeun teu boga

dosa, eta teh tetela ngabobodo maneh


tur beda jeung kanyataan.
9 Sabalikna, upama urang balaka

ngaku dosa ka Mantenna; tinangtu,


ku Mantenna, baris dihampura jeung
kadorakaan urang teh dipupus; karana
Allah teh, adil tur satia tuhu kana jangji.
10 Upama urang nyebutkeun teu

boga dosa; atuh eta mah, sasat


nyebutkeun Allah teh Tukang bohong
sarta pangandika-Na teu ngancik di diri
urang.
1 Anaking! Bapa nulis ieu teh kalawan

2 tekad ngelingan, malar aranjeun ulah


milampah dosa. Dina ayana oge anu
1 YOHANES 2.2–7 3
milampah dosa; di Anu jumeneng Rama
mah aya Anu adil, Anu pingabelaeun
urang, nya eta Isa Al Masih.
2 Nya Al Masih ku anjeun anu

ngahapunten dosa teh. Nu dihampura


teh lain dosa urang bae, tapi oge dosa
sakabeh jelema saalam dunya.
3 Kumaha jalanna sangkan urang

enya-enya wawuh ka Anjeunna? Ku jalan


anut, tumut kana dawuhan-dawuhan
Allah.
4 Ngaku wawuh ka Anjeunna, tapi teu

nurut kana timbalana-Na; eta teh, tetela


bohongna; jelema anu kitu teh henteu
kaancikan ku bebeneran.
5 Sabalikna, pikeun anu nurut kana

timbalana-Na, saestuna kaasihan


Allah teh geus sumerep sumarambah
sajeroning dirina. Upama geus kitu,
tanwande baris karasa enya-enya yen
bener urang teh hirup geus manunggal
jeung di Allah.
6 Jadi, sing saha anu ngaku yen hirupna

geus manunggal jeung Allah, lampahna


ge kudu sakumaha lampah Al Masih.
7 Paramitra! Ieu anu ditulis di dieu

teh, lain timbalan anyar; sabalikna, nya


anu lawas keneh bae, anu geus kungsi
1 YOHANES 2.8– 13 4
kadarenge ku dulur-dulur ti barang
mimiti diwawarkeunana.
8 Tapi papadaning kitu, memang ieu

teh anyar, nya eta hal anu sayaktina


ngeunaan salira Al Masih sarta oge
ngeunaan aranjeun. Sabab poek teh, nya
geus musna; diganti ku caang padang.
9 Ayeuna, sing saha anu ngakukeun

dirina lumampah di alam caang, tapi ijid


ka papada kaula; eta hartina manehna
masih keneh hirup di alam poek.
10 Anu hirup di alam caang mah ka

papada kaula teh nyaah, tur pamohalan


kana nyangka goreng.
11 Anu ijid ka pada kaula mah hirupna

teh aya di alam poek keneh, teu nyaho


kudu jig ka mana. Sabab euweuh nu
katenjo manehna, lantaran ku poek tea.
12 Barudak! Ieu bapa nyuratan teh

rek ngabejaan; ku karana pajenengan


Al Masih, dosa maraneh teh geus
dihampura.
13 Bapa-bapa! Simkuring nyuratan

teh lantaran aranjeun geus kenal ka


Anjeunna, nya eta anu geus jumeneng ti
kawitna. Paranonoman! Kuring nyuratan
teh lantaran aranjeun geus sanggup
ngelehkeun pangajak Setan.
1 YOHANES 2.14–18 5
14 Barudak! Maraneh teh ayeuna mah
geus wawuh ka Anu jumeneng Rama.
Bapa-bapa, sakali deui: Aranjeun
teh geus kenal ka Anjeunna, nya
eta Anu geus jumeneng ti kawitna.
Paranonoman! Tetela aranjeun teh
digjaya; salian eta, pangandika Allah ge
geus ngancik di aranjeun sarta aranjeun
teh enggeus ngelehkeun si Jahat.
15 Ulah rek kabungbulengan ku

kadunyaan katut sagala unak-anikna.


Anu batinna kaered ku kadunyaan
mah, mustahil kaancikan ku asihing Nu
jumeneng Rama.
16 Sabab dunya mah ngan jadi enggon

kahayang jasmani wungkul, enggon


pangajak mata, enggon hirup angkuh,
enggon kahayang-kahayang anu asalna
ti dunya, lain ti Nu jumeneng Rama.
17 Padahal dunya katut sagala rupa anu

matak kabungbulengan teh, keuna ku


musna. Sabalikna, jelema anu tumut
kana pangersa Allah mah, baris hirup
salalanggengna.
18 Anaking! Ayeuna teh geus jaman

ahir. Geus nepi kana wancina datang


si Dajal anu bareto disebut-sebut tea.
Ayeuna, eta dajal-dajal teh geus loba nu
1 YOHANES 2.19–23 6
narembongan. Eta, ciciren yen ayeuna
geus jaman ahir.
19 Ari jelema-jelemana mah, asal ti

urang-urang keneh. Ngan maranehna


geus naringgalkeun. Ma'lum tadina ge,
miluna henteu niat saenyana. Cacak mun
niat enya ge, tangtu tetep ngahiji jeung
urang. Ku kituna tetela, yen maranehna,
ti mimiti keneh oge geus henteu kaasup
ka urang.
20 Tapi aranjeun, dulur-dulur, geus

dipaparin kakuatan ku Al Masih, geus


dibekelan ku pangarti.
21 Jadi, disuratan soteh, ku simkuring,

lain ku sabab aranjeun can ngarti kana


eta kayaktian. Malah sabalikna, nya
eta ku lantaran geus ngalarti kana hal
eta; tur ngarti, yen ti nu sayakti mah
pamohalan bijil bohong.
22 Saha Tukang bohong eta teh? Lain

sasaha deui, lian ti nu nyebutkeun yen


Isa teh lain Al Masih. Eta teh si Dajal,
anu embungeun ngaku, boh ka Nu
jumeneng Rama boh ka Putra-Na.
23 Sabab sing saha anu nampik ka

Putra, tegesna nampik ka Anu jumeneng


Rama. Sing saha anu narima ka Putra,
tegesna narima ka Anu jumeneng Rama.
1 YOHANES 2.24–29 7
24 Ku sabab eta, cekel sing pageuh
amanat anu geus katarima ti barang
diwawarkeun teh, masing nyantel dina
hate. Lamun kitu, tinangtu aranjeun
baris bisa reureujeungan, boh jeung
Putra, boh jeung Anu jumeneng Rama.
25 Da pahlana mah sakumaha anu

enggeus dijangjikeun tea, ya eta hirup


anu langgeng.
26 Tah simkuring ngabejaan, yen aya

jelema-jelema anu nyoba-nyoba rek


nyasabkeun aranjeun.
27 Sukur pisan aranjeun geus meunang

kakuatan ti Anjeunna jeung diaping ku


Ruh Allah. Jadi teu perlu ku pangajaran
ti nu sejen deui. Sabab sagala perkara
oge, ku Ruh Mantenna geus diwurukkeun
ka aranjeun; tur kalawan sayaktina, taya
bohongna. Cekel kabeh eta piwulang teh
jeung sing tetep satuhu ka Anjeunna.
28 Ayeuna, anaking, sing tetep satuhu

ka Anjeunna, supaya ari Anjeunna


sumping aranjeun henteu rumegag
jeung teu kudu era-era ngadeuheus.
29 Aranjeun mo bireuk deui yen

Anjeunna teh adil bener. Ku sabab eta,


masing inget, yen sing saha anu hirupna
1 YOHANES 3.1–5 8
adil bener, baris diangken jadi putra
Allah.
1 Pan karasa, kumaha asih-Na Anu

3 jumeneng Rama ka urang teh, nepi


ka urang diangken jadi putra-putra-Na;
da memang urang teh putra-putra Allah!
Hal ieu, ku dunya mah teu kahartieun;
ma'lum dunya mah teu ngaku ka Allah.
2 Tapi najan geus jadi putra-putra Allah

oge, acan bisa ngira-ngira kumaha


engkena kaayaan urang teh. Ngan
lamun Al Masih geus sumping, urang teh
baris sarua jeung Anjeunna. Kaayaan
Anjeunna, nu sajatina, engke tangtu
ebreh ka urang.
3 Saha-saha anu ngarep-ngarep kana

eta kaayaan sarta ngandel ka Al Masih,


kudu ngajauhan dosa, sabab Al Masih
teu kagungan dosa.
4 Anu milampah dosa, eta ngarempak

hukum Allah; sabab dosa teh ngalawan


kana hukum Allah.
5 Ku dulur-dulur geus kaharti, yen nu

matak Al Masih mijalma teh geusan


nyirnakeun dosa-dosa manusa. Geus
tarerang deuih, yen Anjeunna teu
kagungan dosa.
1 YOHANES 3.6– 11 9
6 Anu geus jinek anut ka Anjeunna,
tangtu moal milampah dosa. Sing saha
anu milampah dosa keneh, hartina can
awas jeung can wawuh ka Anjeunna.
7 Anaking! Kahade ulah beunang

kasasabkeun ku batur. Anu lampahna


adil teh, bener: Sakumaha Al Masih anu
bener tea.
8 Anu tonggoy milampah dosa, eta

mah anak-anak Iblis. Sabab Iblis


mah ti awitna keneh oge, geus
milampah dosa. Putra Allah nu matak
mijalma teh nya geusan ngagagalkeun
pagawean-pagawean Iblis tea.
9 Sing saha anu jadi putra Allah, moal

milampah dosa. Lantaran hirupna geus


kaancikan ku kakawasaan Allah; malah
moal bisaeun milampah dosa teh,
lantaran diyugakeun ku Allah.
10 Gampang bae ngabedakeunana,

nu mana putra-putra Allah, nu mana


anak-anak Iblis: Mana-mana anu goreng
lampah jeung teu nyaah ka dulur-dulur,
tah nu kitu, nu lain putra Allah teh.
11 Ti kawitna keneh dulur-dulur geus

diwurukan, supaya silih pikanyaah jeung


pada batur.
1 YOHANES 3.12–18 10
12 Ulah kawas Kain, anak Iblis, anu
maehan adina tea. Ku naon Kain kitu
kalakuanana? Bawaning ku jahat adatna,
teu cara adina, ibadah ka Allah.
13 Ulah heran upama dulur-dulur

dipikangewa ku dunya.
14 Urang terang yen geus pindah

pileumpangan, tina paeh kana hirup,


lantaran aya kanyaah ka dudulur. Anu
teu boga kanyaahan mah, kaayaanana
tetep paeh.
15 Anu mikageuleuh ka dulur, ngaranna

maehan. Ari tukang maehan mah, teu


kaancikan ku hirup langgeng.
16 Ti Al Masih, urang geus terang

nu kumaha ari nu nyaah jeung asih


teh. Anjeunna geus ngorbankeun
salira ngabela urang. Urang oge wajib
ngorbankeun diri keur kapentingan
duduluran.
17 Jelema beunghar, tapi cadu nulung

ka nu butuh; majar boga kanyaah ti


Allah teh, tapi mana buktina?
18 Anaking! Ulah ngan semet biwir

wungkul nyebut-nyebut nyaah teh!


Buktikeun kalawan prakna jeung iklasna.
1 YOHANES 3.19–24 11
19 Engkena, tangtu karasa yen enya
urang teh kaasup jelema bener; jadi,
bisa teger di payuneun Allah.
20 Memang dina sagala hal hate urang

sok ngadakwa. Tapi Allah mah langkung


uninga, ti batan anu karasa ku urang
sorangan. Mantenna uninga kana sagala
rupa.
21 Upama tina budi rasa urang taya

dakwaan naon-naon, rek barang


suhunkeun ka Allah teh tangtu moal
rumegag;
22 naon bae anu disuhunkeun ka

Mantenna, tangtu dikabul; lantaran


urang nurut kana timbalana-Na jeung
laku lampah urang teh sapuk jeung
pangersa-Na.
23 Ari timbalana-Na teh, urang kudu

mantep percaya ka Isa Al Masih, Putra-


Na; bari silih Pikanyaah, sakumaha anu
dipiwarang ku Al Masih.
24 Anu nurut kana timbalan Allah, eta

teh manunggal jeung Allah sarta Allah


linggih dina hatena. Bisana ngarasa yen
Allah linggih di jero hate urang teh, nya
ku karana Ruh Allah anu ku Mantenna
geus dikurniakeun ka urang tea.
1 YOHANES 4.1–6 12
1 Paramitra! Kahade ulah gampang
4 percaya ka anu ngaku-ngaku
kalinggihan roh. Uji heula sing taliti; na
enya roh anu ngancik dina dirina teh,
Ruh Allah? Ayeuna mah, loba pisan nabi
palsu anu kulayaban.
2 Pikeun nganyahokeunana kieu: Lamun

enya, Ruh dina dirina teh Ruh Allah,


tangtu ngaenyakeun yen Al Masih geus
sumping ngajadi manusa.
3 Anu teu ngaku ka Isa, tetela roh anu

ngancik di dirina teh, lain Ruh ti Allah.


Nu kitu mah roh Dajal, nya eta satru Al
Masih. Dulur-dulur geus dibejaan yen
baris aya anu karitu. Nya ayeuna pisan
daratangna maranehna teh.
4 Anaking! Aranjeun mah umat Allah,

geus bisa ngelehkeun anu karitu.


Sabab Mantenna anu linggih dina hate
aranjeun, langkung-langkung kawasana
ti batan pangaruh-pangaruh dunya.
5 Lantaran nabi-nabi palsu teh,

ti bawahan dunya; jadi, anu


diaromongkeunana, nya urusan
dunya jeung digaruguna ge, nya ku
urang dunya.
6 Ari urang mah ti Allah. Anu nyaho ka

Allah tangtu daek ngagugu ka urang.


1 YOHANES 4.7– 13 13
Anu teu nyaho ka Allah mah moal
daekeun. Kitu bedana antara Ruh anu
sayakti jeung roh anu mawa kana sasar
teh.
7 Paramitra, aranjeun, kudu silih

pikanyaah. Sabab kanyaahan teh asalna


ti Allah. Anu nyaahan, eta teh putra
Allah, wawuh ka Allah.
8 Anu tuna kanyaah, ciri can wawuh ka

Allah, sabab Allah mah sipat asih.


9 Kumaha asihna Allah ka urang, nyata

tina kurnia-Na: Geus ngutus Putra-Na


anu tunggal ka ieu dunya, supaya ku
jalan Putra-Na urang ngamilik hirup.
10 Dina sual kanyaah; lain urang anu

nyaah ka Allah, tapi Allah anu asih ka


urang; malahan nepi ka nyelehkeun
Putra-Na, supaya ku jalan kitu dosa
urang dihampura.
11 Ku sabab Allah sakitu asihna ka

urang, urang oge kudu silih pikanyaah.


12 Urang memang can aya anu geus

kungsi nenjo Allah. Tapi upama urang


silih pikanyaah, tangtu Mantenna
ngalinggihan hate urang; tur cacap
asih-Na ka urang.
13 Ciri yen urang teh hirup manunggal

jeung Mantenna sarta Mantenna


1 YOHANES 4.14–18 14
ngalinggihan hate urang, — kapan geus
kabukti — nya eta urang dipaparinan
Ruh Mantenna.
14 lian ti eta, Allah Anu jumeneng

Rama ge, geus ngutus Putra-Na pikeun


nyalametkeun manusa saalam dunya;
nya simkuring, rasul-rasul, saksi-Na
anu nyaksian ku sorangan, tur wani
nyaturkeunana.
15 Sing saha anu ngaku yen Isa teh

Putra Allah, hirupna manunggal jeung


Allah sarta Allah ge manunggal dina
hirup manehna.
16 Ari urang mah, lian ti terang teh

jeung percaya ongkoh, yen Allah teh


asih ka urang. Memang Allah teh maha
asih. Sing sakur anu nyaahan, hirupna
teh manunggal jeung Allah sarta Allah
ge manunggal jeung hirupna.
17 Kanyaah urang baris ngajadi

sampurna, upama laku lampah


sajeroning hirup nulad ka Al Masih. Eta
teh baris ngalantarankeun urang teger
dina Poe Hukuman.
18 Sabab kanyaah mah bebas tina rasa

kasieun. Kanyaah anu sajati mah bisa


nyirnakeun kasieun. Bijilna kasieun teh
lantaran nyaho baris disiksa. Ari jalma
1 YOHANES 4.19– 5.4 15
anu ngandung kasieun teh, lantaran
kanyaahna henteu sampurna.
19 Urang boga kanyaah, lantaran Allah

mikaasih ti heula ka urang.


20 Anu ngaku nyaah ka Allah, tapi

ngewa ka pada jalma; eta teh tetela


bohongna. Upama ka pada jalma anu
aya bungkeuleukanana bae geus teu
nyaah, pamohalan bisa nyaah ka Allah
anu sipatna gaib.
21 Ieu Amanat ti Mantenna teh, nya

eta: Sing saha anu nyaah ka Allah, kudu


nyaah ka papada jalma.
1 Sakur anu percaya yen Isa teh Al

5 Masih, disebut putra-putra Allah.


Upama urang mikanyaah ka nu jadi
bapa, tangtu mikanyaah ka nu jadi
anak-anakna oge.
2 Kitu keneh ka putra-putra Allah; Urang

teh mikanyaah ka maranehna, upama


urang nyaah ka Allah sarta nurut kana
timbalana-Na.
3 Sabab nyaah ka Allah teh, hartina

nohonan parentah-Na. Tur, parentah


Mantenna teh, teu beurat-beurat teuing.
4 Jeung ongkoh anu yuga ti Allah mah,

kabeh oge, sanggup ngalawan hawaning


dunya ku iman kapercayaanana.
1 YOHANES 5.5– 10 16
5 Jadi, anu sanggup ngelehkeun
hawaning dunya teh, ngan anu percaya
yen Isa Al Masih teh Putra Allah.
6 Isa Al Masih, sumping-Na ka dunya

teh nya ngalakonan dibaptis ku cai,


nya ngalakonan mandi getih dugi ka
pupus-Na. Jadi, Anjeunna teh henteu
ngan semet dibaptis bae, tapi nepi ka
mandi getih, nya eta pupus disiksa. Ruh
Allah ngiring nyaksian kana benerna ieu
perkara; tur Ruh Allah teh, kapan sipat
saestu.
7 Jadi, aya tilu saksina, nya eta
8 Ruh Allah, cai, jeung getih. Panyaksen

anu tilu teh, kabeh sapagodos.


9 Upama panyaksen ti manusa ge bisa

dipercaya, komo panyaksen ti Allah


mah; sabab pertelaanana leuwih kuat.
Panyaksen Allah ngeunaan Putra-Na,
estu cocog jeung bukti anu saenyana.
10 Sakur anu percaya ka Putra Allah,

percayana teh nya kana panyaksen


ti Allah. Sabalikna, anu teu percaya
kana panyaksen ti Allah, eta tegesna
nganggap Allah teh Tukang bohong.
Lantaran teu percaya kana pertelaan
Mantenna, ngeunaan Putra-Na tea.
1 YOHANES 5.11–16 17
11 Demi aci-acining eta panyaksen
kieu: Allah teh, ka urang, ngurniakeun
hirup langgeng. Ari hirup langgeng teh,
dicangking ku Putra-Na.
12 Anu percaya ka Putra-Na, tinangtu

baris ngamilik eta hirup langgeng.


Sabalikna, anu teu percaya ka Putra
mah, hamo bisa ngamilik.
13 Dina ieu surat simkuring rek

nerangkeun, yen eta hirup langgeng teh


ku dulur-dulur geus beunang, lantaran
dulur-dulur percaya ka Putra Allah.
14 Dulur-dulur bisa ngunjukkeun angen-

angen ka Allah kalawan kapercayaan,


yen sagala panuhun anu sapuk jeung
manah-Na tinangtu dikabul.
15 Sabab terang, yen iraha-iraha

oge Mantenna kersa ngadangukeun


panuhun urang, yakin yen sagala anu
disuhunkeun dina paneda urang tangtu
dipaparinkeun.
16 Upama aya dulur anu milampah

hiji kasalahan anu teu matak mateni,


pangnedakeun ka Allah, anu tangtu kersa
maparin keneh umur ka eta jelema.
Ieu teh ngan pikeun anu kasalahanana
henteu matak mawa kana hukum pati.
Sabab aya kasalahan atawa dosa anu
1 YOHANES 5.17–21 18
matak mateni. Pikeun anu kitu mah
simkuring moal nitah mangnedakeun.
17 Tiap-tiap lampah anu salah kabeh

ge dosa. Tapi teu kabeh dosa anu


nemahkeun paeh.
18 Jelema anu yuga ti Allah mah moal

milampah dosa. Sabab diraksa ku Putra


Allah jeung moal bisa dijailan ku Iblis.
19 Urang terang yen urang teh asal ti

Allah. Terang yen saalam dunya kabeh


aya dina kakawasaan Setan.
20 Tapi urang oge terang, yen Putra

Allah geus sumping ka ieu dunya,


maparin pangarti ka urang malar kenal
ka Allah Nu Sajati. Urang hirup teh geus
manunggal jeung Allah Anu Sayakti,
lantaran ngahiji jeung Putra-Na, Isa Al
Masih. Nya Mantenna Sayaktining Allah;
Nya Mantenna Nu jadi Hirup langgeng.
21 Anaking! Ati-ati, sing waspada ka

brahala-brahala!
2 Yohanes
1 Ieu serat ti simkuring, kokolot
1 jamaah tea. Kahatur Ibu pinilih katut
putra-putra, anu salamina cumantel
dina hate. Anu nyaah ka Ibu teh, sanes
simkuring bae; nanging sadayana,
nya eta sakur anu parantos kenging
pangajaran perkawis kayaktian.
2 Eta kayaktian teh, parantos jadi

milik urang sarta baris marengan


saumur-umur.
3 Mugi kurnia Rama, nya eta Allah,

sareng Putra-Na — katut rahmat


rahayu-Na — mayungan urang sadaya
sajeroning nohonan jalan kayaktian
jeung silih pikanyaah.
4 Simkuring kalintang bingahna, basa

tepang sareng sababaraha urang putra


Ibu anu junun kana kayaktian, nohonan
parentah-parentah Nu jumeneng Rama.
5 Simkuring, nyeratan teh, sanes seja

ngadongkapkeun parentah anyar. Ieu


teh, parentah anu kapungkur keneh bae,
— etang-etang ngemutan — nya eta
parentah kedah silih pikanyaah tea.
2 YOHANES 1.6– 10 2
6 Ari silih pikanyaah teh hartina tumut
kana timbalan Allah. Margi ti barang
ku urang katampi oge, parentah ti
Mantenna teh nya eta: Kudu silih
pikanyaah. Ieu parentah anu kapungkur
teh, ku urang kedah didamel patokan
hirup.
7 Sabab ayeuna mah geus seueur pisan

tukang nyasabkeun teh, rabeng ka


sakuliah jagat. Sanggem maranehna:
Mustahil Isa Al Masih gumelar aya
wujudna, miraga cara manusa.
Maranehna memang satru-satru Al
Masih, seja nyasabkeun ka urang.
8 Kedah atos-atos, supados

kekengingan urang didamel leres-


leres teh kenging ganjaran anu layak,
ulah dugi ka gagal.
9 Anu tonggoy-tonggoy ingkar tina

piwulang Al Masih, eta teh ngalesotkeun


maneh ti Allah. Anu mantep kana
piwulang-Na, hirupna manunggal sareng
Allah katut Putra-Na.
10 Upami Ibu kadongkapan ku nu mawa

pangajaran sejen, ulah ditampi jeung


ulah nyalaman.
2 YOHANES 1.11–13 3
11 Sabab uluksalam ka nu karitu mah,
sami bae sareng ngiring teu bener ka
dinya.
12 Seueur keneh carioskeuneun mah,

nanging moal ku jalan serat. Urang


sanggemkeun engke bae ari patepang,
margi simkuring gaduh niat seja
nepangan, supados karaos bingahna ku
sadayana.
13 Aya salam ti putra-putra saderek Ibu

anu istri anu kapilih ku Allah tea.


3 Yohanes
1 Surat ti simkuring, kokolot jamaah.
1 Kahatur saderek Gayus, kanyaah
simkuring dina bebeneran.
2 Paneda simkuring, mugi saderek tetep

sehat walafiat lahir batin.


3 Aya wartos ti dulur-dulur anu daratang

ka simkuring, yen saderek pohara


pageuhna kana bebeneran: Sakumaha
aranjeun geus nohonan pamentana
kayaktian.
4 Pikeun simkuring mah, taya deui anu

matak leuwih bungah, lian ti upama


ngadenge nu jadi anak aya dina jalan
anu bener.
5 Kumaha pageuhna saderek kana

kayaktian, tembong, nya eta basa


kadatangan ku dulur-dulur saiman anu
can wawuh tea; kapan ku saderek teh
pohara diuruskeunana.
6 Tah perkara eta, anu dicaritakeun ku

dulur-dulur di dieu teh, di jamaah. Kacida


hadena, manawi saderek kersa deuih
ngabantu maranehna pikeun neruskeun
perjalanana ku jalan ngabantu
3 YOHANES 1.7– 11 2
mangusahakeun pibekeleunana. Asal
bae, hal eta teh, kamanah ku Pangeran.
7 Sabab maranehna, laleumpangna teh

keur nohonan kawajiban ti Al Masih tur


ti anu henteu saiman mah, pamohalan
meunang pitulung.
8 Nya urang anu wajib ngabantu

maranehna; eta teh, tandaning urang


milu digawe babarengan nyebarkeun
kayaktian.
9 Simkuring geus ngirim surat pondok

ka jamaah. Tapi jelema anu ngaran


Diopretes teu resepeun, dumeh manehna
hayang jadi pamingpin.
10 Engke, upama simkuring ka dinya,

kalakuanana rek dibolekerkeun. Gawena,


ka ditu ka dieu, ngan ngomongkeun
bae simkuring sarta omonganana, mani
nyararugak. Teu anggeus ku sakitu bae
sabab ka dulur-dulur anu anyar datang
oge, mani embung narima. Aya anu arek
narima ge, ku manehna dihalang-halang;
malah antukna dikaluarkeun pisan ti
jamaah!
11 Lain turutaneun, nu goreng kitu mah.

Wajib ditiru soteh, lamun alus. Jelema


nu hade lampah memang asal ti Allah.
3 YOHANES 1.12–14 3
Ari goreng lampah mah kalakuan jelema
anu can nyaho ka Allah.
12 Tapi nu saurang deui, — anu ngaran

Demetrius — eta mah ku itu ku ieu pada


ngaluskeun tur memang bener bukti
yen manehna jelema hade. Manehna
mah, ku simkuring oge diaku pisan.
Saderek tangtu percaya kana benerna
ieu omongan simkuring.
13 Rea keneh picaritaeun simkuring teh,

tapi moal ku jalan surat.


14 Engke bae ari urang geus tepung,

pahareup-hareup; hal eta, urang


omongkeun. Sabab simkuring, geus
aya niat hayang buru-buru nepungan.
(1-15) Mugi saderek marendak
kawilujengan. Aya salam ti sobat-sobat
anjeun. Pangnepikeun oge salam
simkuring ka sakabeh sobat-sobat sarta
kawawuhan-kawawuhan.
Yudas
1 Surat ti simkuring, Yudas, —
1 dulurna Yakobus — abdi-Na Isa Al
Masih. Dumateng paramitra, anu geus
meunang panyaur ti Allah, anu diasih ku
Anu jumeneng Rama sarta diraksa ku
Isa Al Masih.
2 Mugi-mugi saderek-saderek

kaseundeuhan ku rahmat rahayu


katut nugraha-Na.
3 Paramitra sadaya! Memang simkuring

teh ngarasa perlu nyuratan ka aranjeun


tina perkara kasalametan tea. Tapi
ayeuna leuwih karasa perluna nyuratan
teh, nya eta pikeun ngelingan ka
aranjeun, yen urang teh kacida perluna
ngabela iman kapercayaan anu jadi sih
kurnia Allah anu langgeng.
4 Sabab ayeuna, urang teh geus

kaasupan ku sababaraha jelema


anu memang kuduna enggeus
dihukum; maranehna teh, nyulumun
teu kanyahoan sarta ngarobah sih
kurnia Allah nu disembah ku urang,
ku pangajaran-pangajaran cabul tur
YUDAS 1.5–8 2
mungkir ka nu jumeneng Gusti Panutan
urang anu Tunggal, Isa Al Masih.
5 Sanajan aranjeun sorangan ge terang

kana hal-ihwalna, simkuring tetep seja


ngingetan deui. Pangeran memang enya
geus ngaleupaskeun umat-Na ti Mesir.
Tapi ahirna mah, najan ka umat-Na ge;
ari nu angger bedang wangkelang mah,
ku Mantenna tetep dibasmi.
6 Pangeran geus ngaberok malaikat-

malaikat anu naringgalkeun


kapangkatanana dumeh ngarasa
kurang utama. Ku Pangeran dibarogodan
di alam poek mongkleng anu hamo bisa
kasorang, nya kari ngadago hukumanana
bae dina Poe nu geus dipastikeun.
7 Kitu deui, nagara Sadumu jeung

Gomora katut kota-kota nu dareukeut


ka dinya, nasib pangeusina teu beda
ti eta malaikat-malaikat. Ku Pangeran
disiksa, — tina sabab jararahat sarta laku
lampahna nu kacida aebna — nandangan
seuneu naraka anu langgeng, pikeun
jadi conto ka nu sejen;
8 Jelema-jelema anu nyulumun ka urang

tea oge, kitu jahatna. Lantaran percaya


kana impian, tuluy bae ngarereged
YUDAS 1.9–12 3
dirina, ngaharina kana kakawasaan Allah
jeung kana kawibawaan sawarga.
9 Padahal Mikail ku anjeun, anu jadi

kapala malaikat, nalika padu jeung


Iblis marebutkeun layon Nabi Musa
teu wantuneun ngahina ninggangkeun
hukuman ka manehna; anjeunna ukur
sasauran kieu: “Anging Pangeran anu
baris ngahukum ka maneh.”
10 Tapi kumaha jelema-jelema anu

kasebut bieu? Geus warani ngahina


kana hal-hal anu maranehna acan
nyaho! Kanyahona teu beda ti sato, laku
lampahna henteu ditungtun ku akal budi,
temahna matak binasa.
11 Estuning cilaka jelema anu kararitu

teh! Kalakuanana ngala ka kalakuan


Kain. Oge ngala ka Balhum, beunang
kawujuk ku pangruruba, tungtungna
cilaka sajeroning doraka, saperti anu
kalakon ku Korah.
12 Unggal aranjeun ngayakeun sidekah

berjamaah, ku maranehna dikokotor ku


kalakuanana anu makmak-mekmek teu
boga kaera, dapon baluncir sorangan.
Maranehna: Lir mega teu ngandung
pihujaneun barang satetes ge, ngan
kumalayang wungkul katebak ku angin;
YUDAS 1.13–17 4
lir tangkal anu teu daek buahan, sanajan
enggeus usumna; badis tangkal nu geus
rungkad jeung paeh ka akar-akarna;
13 sok nembongkeun kaaeban sorangan,

jeg ombak laut nembongkeun budah


sorangan; lir bentang-bentang anu
nyimpang tina jalanna. Temahna, moal
ka mana deui jigna, tangtu losna teh ka
alam nu poek mongkleng.
14 Hal jelema anu karitu, baheula

enggeus ditorah ku Hanok, turunan


Adam anu katujuh, kieu: “Tuh Pangeran
sumping, diiring ku laksaan malaikat anu
saruci,
15 bade ngaragragkeun hukum

ka jelema-jelema anu nyebarkeun


kajahatan, jeung bade nyiksa ka
jelema-jelema anu omong-omonganana
sarugal ngalawan kana timbalana-Na.”
16 Maranehna teh tukang pundung

kukulutus, tukang aral subahaan,


lampahna ngalajur napsu, tukang
sompral jeung suaban, tukang ngajilat
pangoloan supaya bisa ngahontal
kahayangna.
17 Kahade paramitra lali kana kasauran

rasul-rasul-Na Gusti Jungjunan urang, —


Isa Al Masih — bareto, yen:
YUDAS 1.18–24 5
18 Dina jaman ahir bakal aya tukang-
tukang moyok, purah ngalajur napsu
ngumbar kahayang.
19 Gawena ngabengkah-bengkahkeun,

hirupna diranjah ku napsu jahat, jeung


teu kaancikan ku Ruh Allah.
20 Masing tagen, paramitra! Masing

ajeg madeg dina dadasaring iman anu


pang suci-sucina, bari muntang kana
kawasaning Ruh Allah.
21 Masing pasrah sumerah ka Allah Nu

Maha Asih, sajeroning ngarep-ngarep


Gusti Jungjunan urang, — Isa Al Masih
tea — anu jembar manah, anu baris
nyandak urang ka alam hirup nu
langgeng.
22 Jelema-jelema anu hirupna acan

boga kapastian, kudu dirawu diaku,


karunya.
23 Rebut maranehna sina ucul tina

ancaman seuneu. Tapi papadaning


nyieun kahadean jeung tutulung teh sing
ati-ati, malar “papakean” urang ulah
katepaan ku kokotorna.
24 Nya Mantenna, Anu kawasa

ngaraksa paramitra tina tatajongan, anu


merenahkeun paramitra di payuneun
YUDAS 1.25 6
singgasana-Na kalawan pinuh ku suka
tur taya kuciwa;
25 nya kagungan Allah, — Anu jumeneng

Juru Salamet, Anu nyalametkeun urang


ngalangkungan Isa, Gusti Jungjunan
urang — kamulyaan, kaagungan,
kakawasaan jeung kawibawaan, ti
samemeh alam jumadi tepi ka mangsa
kiwari, saterusna, tug salalanggengna.
Amin.
Wahyu
1 Ieu wahyu Isa Al Masih, wahyu
1 ti Allah ka Anjeunna, sangkan
dipintonkeun ka sakabeh abdi-Na; ieu
wahyu teh, ngeunaan perkara-perkara
anu meh kajadian. Al Masih ngutus
malaikat-Na, mintonkeun ieu wahyu ka
Yahya abdi-Na.
2 Yahya nyarioskeun sakabeh

titingalianana. Nya ieu pertelaanana


anu diandikakeun ku Allah jeung anu
dipintonkeun ka anjeunna ku Isa Al
Masih.
3 Bagja anu maraca katut ngadarenge

kana ieu pangandika tur ngimankeun


sugri anu kauni di dinya. Sabab tereh
pijadieunana.
4 Surat ti simkuring, Yahya. Kahatur

jamaah anu tujuh, di wilayah Asia.


Rahmat rahayu ti Mantenna — anu
kiwari jumeneng, bihari jumeneng,
sarta anu baris rawuh deui; kitu deui, ti
tujuh roh anu lumungguh di payuneun
singgasana-Na — nyarengan aranjeun.
WAHYU 1.5–9 2
5 Sarta ti Isa Al Masih, Saksi Anu saestu,
anu pangpayunna gugah ti antara nu
paraeh, Kapalaning raja-raja di bumi.
Demi welas asih-Na ka urang, Anjeunna
pupus pikeun ngaleupaskeun urang tina
dosa; —
6 urang ge geus dijadikeun hiji karajaan,

dijadikeun imam-imam anu kumureb ka


Allah, Rama Anjeunna — kamulyaan,
kakawasaan, kagungan Al Masih
salalanggengna. Amin.
7 Ieu nu katingali ku simkuring teh:

Al Masih rawuh dina mega, tembong


ka saban jelema, kaasup jelema anu
numbak ka salira-Na. Jelema satonggong
bumi narenjo ka Anjeunna jeung bari
aluk-alukan. Saestuna pisan. Amin.a
8 “Kami teh Alif jeung Ya!” Timbalan

Pangeran, Nu Murba Wisesa, anu kiwari


jumeneng, bihari jumeneng, sarta anu
baris rawuh deui.
9 Simkuring, Yahya, — dulur aranjeun,

batur di jero kasusah, batur di jero


Karajaan Allah, batur mantep dina
kamanunggalan jeung Isa — keur mencil
di pulo Patmos, marga ku pagawean anu

aYoh 19:34, 37; 1Tes 4:17


WAHYU 1.10–16 3
tumali jeung pangandika Allah jeung
ngamashurkeun panyaksen-Na Isa.
10 Dina hiji poe, anu disebut Poean

Pangeran, simkuring aya dina pangaruh


Ruh. Geus kitu, ngadenge anu
ngagentra di tukangeun; tarikna tanding
sangkakala, ungelna:
11 “Tuliskeun sakur anu katenjo, tuluy

kirimkeun ka jamaah anu tujuh, nya


eta anu di Epesus, Semirna, Pergamus,
Tiatira, Sardis, Piladelpia, jeung
Laodikea!”
12 Simkuring malik, hayang ningal ka

nu ngadawuhna. Tuluy simkuring ningal


aya tujuh ajug emas;
13 di satengaheunana aya Nu ngaraga,

wujud-Na siga manusa, nganggo jubah


landung jeung sabuk emas.
14 Rambut-Na ngeplak lir kapas,

soca-Na moncorong lir seuneu hurung.


15 Sampeana-Na gilap herang, lir

suasa keur dibesot; ari gentra-Na, lir


gumuruhna curug gede.
16 Panangan tengen-Na, nyepeng tujuh

bentang; tina baham-Na, bijil pedang


anu dua pangadekna; ari pameunteu-Na,
gumebyar lir srangenge keur manceran.
WAHYU 1.17–2.2 4
17 Bruk, simkuring ngalumpuruk lebah
sampeana-Na, kapupul bayu. Gap,
panangana-Na nyabak ka simkuring
sarta ngadawuh: “Ulah sieun.
18 Ieu Kami Nu Awal jeung Nu Ahir. Ieu

Kami Nu jumeneng. Kami geus nemahan


ajal pati. Tapi tenjo, ieu Kami hirup
salalanggengna. Nya Kami anu ngereh
ajal pati katut karajaanana.
19 Tuliskeun sakur anu katenjo ku

maneh, boh anu ayeuna, boh anu bakal


datang.
20 Ieu tujuh bentang dina leungeun

katuhu Kami teh, nya eta perlambang


tujuh malaikat jamaah. Ari tujuh ajug
emas, nya eta perlambang jamaah nu
tujuh.”
1 “Tulis! Pikeun malaikat jamaah di

2 Epesus. Ieu pangandika anu nyepeng


tujuh bentang dina panangan tengen,
anu angkat-Na digondeng ku tujuh ajug
emas:
2 Kami nyaho pagawean-pagawean

maneh; Kami ge nyaho kasuhudan jeung


kamantepan maneh. Kami nyaho maneh
jengkel ku jelema-jelema anu garoreng
tekad, nya eta anu ngaku-ngaku nabi
padahal lain; da ku maneh geus dijajal
WAHYU 2.3–9 5
tea sarta kanyahoan, yen maranehna
teh titiron.
3 Maneh tagen, sabar nandangan

sangsara ku karana Kami.


4 Tapi aya cawadeunana: Maneh geus

kurang nyaah ka Kami, teu kawas keur


mimiti.
5 Maneh geus pohara tibeubeutna!

Geura tobat sarta lampahkeun deui


kahadean saperti anu enggeus-enggeus.
Lamun henteu! Kami tangtu datang
nyokot ajug maneh tina tempatna.
6 Ngan papadaning kitu, aya keneh nu

matak suka ka Kami, dumeh maneh cua


ku tingkah lakuna murid-murid Nikolaus
anu dipake kacua ku Kami.
7 Mun rumasa boga ceuli, denge

sakur anu diandikakeun ku Ruh ka


jamaah-jamaah. Sing saha nu unggul,
baris wenang ngadahar buah Tangkal
ki-Hirup ti Taman Pangeran.”
8 “Tulis! Pikeun malaikat jamaah

di Semirna: Ieu pangandika ti Nu


jumeneng, Nu Awal jeung Nu Ahir, Nu
geus nyorang ajal pati, Nu hirup deui.
9 Kami nyaho kalaraan maneh. Kami

nyaho maneh miskin, tapi saenyana


maneh teh beunghar! Kami nyaho
WAHYU 2.10–14 6
maneh digogoreng ku jelema-jelema anu
ngaku-ngaku urang Yahudi padahal lain.
Sabab maranehna, kabeh, umat Setan.
10 Ulah rentag ngayonan kasangsaraan

nu kudu kasorang! Maneh baris


ditempuh ku kasukeran sapuluh poe
lilana, nandangan panggoda Iblis:
Sawatara jalma, ti maraneh, baris
dijebloskeun ka jero panjara. Maraneh
sing pengkuh ka Kami, tumeka ing pati;
tangtu maraneh, ku Kami diganjaran
makutaning hirup.
11 Mun rumasa boga ceuli, denge

sakur anu diandikakeun ku Ruh ka


jamaah-jamaah. Sing saha nu unggul,
hamo kasiksa ku maot anu kadua.”
12 “Tulis! Pikeun malaikat jamaah di

Pergamus: Ieu pangandika ti Nu nyepeng


pedang anu dua pangadekna.
13 Kami nyaho di mana maneh nya

ngancik: Di enggon Iblis! Parandene


maneh tetep kumureb ka Kami. Kitu
deui, basa Antipas saksi Kami nu satuhu
tea dipaehan di enggon Iblis, maneh
tetep satuhu ka Kami.
14 Tapi aya sababaraha hal di maneh

anu Kami teu sapuk, nya eta: Aya nu


nyarekel paham Balhum, anu baheula
WAHYU 2.15–20 7
ngajar ka Balak nitah nyasabkeun urang
Israil sina rucah jeung ngadahar sasajen
pikeun brahala.
15 Jeung aya anu marilu kana ajaran

kaom Nikolaus.
16 Geura tobat. Lamun henteu! Kami

tangtu gancang-gancang datang, pikeun


numpes anu kararitu ku pedang ti baham
Kami.
17 Mun rumasa boga ceuli, denge sakur

anu diandikakeun ku Ruh ka jamaah.


Sing saha nu unggul, baris meunang
sabangsa kadaharan anu disebut: Manna
Gaib jeung diganjar hiji batu putih, anu
diukiran hiji ngaran anyar, anu hamo aya
nu nyaho iwal ti anu narimana.”
18 “Tulis! Pikeun malaikat jamaah

di Tiatira: Ieu pangandika ti Nu jadi


Putra Allah, anu soca-Na moncorong,
lir seuneu hurung; sampeana-Na gilap
herang, lir suasa.
19 Kami nyaho lampah maneh. Maneh

gede kanyaah, kandel iman, daek


tutulung, tur sabar. Kami nyaho, eta
kabeh ku maneh dilakonan leuwih ti nu
enggeus-enggeus.
20 Tapi Kami aya cawadeun ka maneh:

Awewe anu ngaran Isebel, anu ngaku-


WAHYU 2.21–24 8
ngaku jadi nabi Allah, ku maneh diantep
bae. Eta teh mapatahan teu bageur,
ngagoda ka abdi-abdi Kami, ngajak
ngaranyed jeung ngajak ngadahar
sasajen pikeun brahala.
21 Eta awewe ku Kami geus dibere

tempo, sangkan babalik pikir; tapi


manehna euweuh euih-euihna, tetep bae
rucah jinah.
22 Ku Kami baris dibeubeutkeun kana

pangheesanana, diterapan kasakit.


Sakur anu geus jinah jeung manehna ge
baris diterapan lara anu parna, saupama
henteu tobat tina rucahna jeung eta
awewe.
23 Anak-anak eta awewe baris disina

paraeh, sangkan jamaah nyaho, yen


Kami teh estu awas kana saeusining
hate jeung angen-angen manusa.
Masing-masing ku Kami baris dibales
satimpal jeung kalakuanana.
24 Anu lian-lianna, nya maraneh anu

di Tiatira, anu henteu ancrub kana


eta kalakuan aeb jeung henteu milu
nyukcruk elmu anu disebut ‘Seluk-beluk
rasiah Setan,’ ku Kami moal dimomotan
kabeubeurat nanaon deui.
WAHYU 2.25–3.2 9
25 Tapi anu geus kapimilik ku maneh
kudu dicekel sing pageuh, tepi ka Kami
datang.
26 Sing saha nu unggul, jeung tigin

nohonan parentah Kami nepi ka


jucungna, ku Kami baris dikawasakeun
murba ka bangsa-bangsa anu teu baroga
Allah;
27 manehna rek sina nyangking iteuk

beusi pikeun ngancurkeun nu teu baroga


Allah tepi ka bubuk, lir pariuk remuk.
28 Manehna baris dibere kawasa,

cara kawasa anu ku Kami katarima ti


Kangjeng Rama, jeung diganjar Bentang
Timur.
29 Mun rumasa boga ceuli, denge

sakur anu diandikakeun ku Ruh ka


jamaah-jamaah.”
1 “Tulis! Pikeun malaikat jamaah

3 di Sardis. Ieu pangandika-Na anu


kagungan tujuh Ruh Allah jeung tujuh
bentang. Kami nyaho kaayaan maneh.
Maneh kasebutna bae hirup, padahal
paeh.
2 Nyaring! Omean anu bisa keneh

diomean, memeh sagalana mudedes


sama sakali. Sabab ku Kami kanyahoan,
pagawean maneh teh dina pamendak
WAHYU 3.3–7 10
Allah nu disembah ku Kami teu matak
sugema.
3 Inget-inget deui, amanat naon anu

bareto ku maneh kungsi kadenge jeung


katarima. Turutkeun eta amanat sarta
maneh kudu tobat. Upama maneh
embung nyaring, pamohalan maneh
nyaho kana pidatangeun Kami, nya
eta saperti moal nyahona maneh kana
pidatangeun bangsat.
4 Sukur, ti maneh anu di Sardis, aya

keneh anu pamakena henteu kaceretan


ku rereged. Eta layak leumpang
ngarendeng jeung Kami, make papakean
bodas beresih.
5 Sing saha nu unggul, baris dibere

papakean anu bodasna ngeplak kitu;


tur ngaranna, moal dicoret tina Kitab
Kahirupan. Ngaran-ngaranna ku Kami
baris diaku di payuneun Ama Kami jeung
malaikat-malaikat-Na.b
6 Mun rumasa boga ceuli, denge

sakur anu diandikakeun ku Ruh ka


jamaah-jamaah.”
7 “Tulis! Pikeun malaikat jamaah di

Piladelpia: Ieu pangandika ti Nu suci tur


sayakti, anu nyepeng sosi Daud, anu
bWhy 20:12
WAHYU 3.8–12 11
upama mukakeun hamo aya nu bisa
meundeutkeun, upama meundeutkeun
hamo aya anu bisa muka.
8 Kami nyaho lampah maneh. Kami

nyaho tanaga maneh teu sabaraha.


Kami nyaho maneh nuturkeun piwuruk
Kami kalawan tigin. Maneh ku Kami geus
dipangmukakeun lawang, hamo aya nu
bisa meundeutkeun.
9 Dengekeun: Aya sababaraha urang

jelema di maneh anu biluk ka Setan,


ngaku-ngaku urang Yahudi padahal lain.
Ku Kami baris diserenkeun sina sembah
kuriling ka maneh, sina waleh ngaku yen
maneh kanyaah Kami.
10 Maneh kuat ngalakonan parentah

Kami, yen kudu tagen jeung tigin. Ku


sabab eta, tangtu ku Kami diluputkeun
tina kasangsaraan anu baris nyangkerem
ka saalam dunya pikeun nguji sakabeh
manusa.
11 Kami teh geus tereh datang.

Pageuhan sing sakur anu geus kacekel.


Kahade makuta maneh beunang karebut.
12 Saha anu unggul, ku Kami baris

dijadikeun lir hiji tihang di karaton


Allah nu disembah ku Kami tur moal
incah balilahan deui ti dinya. Dirina ku
WAHYU 3.13–18 12
Kami rek diukir ku jenengan Allah nu
disembah ku Kami jeung ku ngaran kota
panglinggihana-Na: Yerusalem Anyar,
anu baris turun ti sawarga ti Allah nu
disembah ku Kami. Kitu deui ngaran
Kami anu anyar, seja diukir dina dirina.
13 Mun rumasa boga ceuli, denge

sakur anu diandikakeun ku Ruh ka


jamaah-jamaah.”
14 “Tulis! Pikeun malaikat jamaah di

Laodikea: Ieu pangandika Sang Amin,


Saksi Nu estu beunang dipercaya,
cikal-Na ciciptan Allah.
15 Kami nyaho kaayaan maneh. Maneh

teu panas teu tiis. Leuwih hade mun tiis


atawa panas.
16 Ku sabab teu tiis teu panas tea,

maneh ku Kami rek diburakeun!


17 Ceuk maneh: “Aing beunghar, mukti,

euweuh kakurang!” Teu nyaho yen keur


masakat, pikawatireun, nya muluntu nya
lolong!
18 Nasehat Kami: Beuli emas ti Kami,

emas tulen, supaya jadi beunghar.


Beuli ti Kami papakean bodas ngeplak,
pikeun mungkus eta awak nu bulucun
matak aeb. Jeung beuli peureuh ti Kami,
peureuhan eta mata malar awas.
WAHYU 3.19–4.3 13
19 Maneh ku Kami diseukseukan,
diwarah, bawaning Kami nyaah. Kudu
wayahna, geura tobat.
20 Ieu Kami ngetrokan. Ka anu

ngadenge tur daek mukakeun panto,


Kami seja asup baris dahar bareng
didinya.
21 Sing saha anu unggul, baris dibawa

diuk satahta jeung Kami, sakumaha


Kami sanggeus unggul diuk satata
satahta jeung Ama Kami.
22 Mun rumasa boga ceuli, denge sakur

anu diandikakeun ku Ruh ka jamaah!”


1 Tutas titingalan anu eta, breh

4 aya titingalan sejen. Aya panto


di sawarga anu muka. Tuluy aya Nu
ngagentra, lir sada sangkakala anu
kadenge ti heula tea, ungelna: “Ka
dieu unggah! Kami rek nembongkeun
kajadian-kajadian saterusna!”
2 Harita keneh simkuring kapurba ku

Ruh. Geus kitu, di sawarga simkuring


ningal anu keur linggih dina hiji
singgasana.
3 Pameunteu-Na mancur, lir permata

yaspis jeung yakut. Singgasana-Na


dikubeng ku katumbiri nu sumirat warna
jambrut,
WAHYU 4.4–8 14
4 diputer ku dua puluh opat tahta anu
dicaralikan ku dua puluh opat sesepuh
anu ngaranggo anggoan bodas ngeplak
jeung makuta emas.
5 Tina singgasana tea, bijil kilat

tinggurilap, sada gugur tinggulugur.


Di hareupeunana aya tujuh obor anu
hurung, anu tinggalebur; eta teh tujuh
Ruh Allah;
6 jeung aya nu siga laut kaca

ngagenclang, jeg kristal anu ngagenclang


lumenggang. Sakuriling singgasana,
unggal sisi, — tukang, hareup, kenca,
katuhu — dikawal ku opat mahluk anu
pinuh ku mata saluluarna.
7 Mahluk anu kahiji, bangunna, siga

singa; nu kadua, siga anak sapi; nu


katilu, beungeutna, siga beungeut
jelema; nu kaopat, siga galudra eukeur
ngalayang.
8 Opat-opatna, baroga genep jangjang

tur luar jerona pinuh ku mata;


opat-opatna, beurang peuting, teu
eureun-eureun pupujian, pokna: “Suci,
suci, suci Pangeran Allah Nu Murba
Wisesa, Nu jumeneng ti bihari tug ka
kiwari, jumeneng salalanggengna.”
WAHYU 4.9–5.3 15
9 Saban-saban eta mahluk nu opat
maruji, ngahormat, sarta muji sukur
ka Anu linggih dina singgasana, Nu
jumeneng salalanggengna;
10 sesepuh anu dua puluh opat

tea, sembah sujud ka Anu linggih


dina singgasana, — Nu jumeneng
salalanggengna — bari maruka
makuta-makutana sarta arunjukan kieu:
11 “Nun Jungjunan, Allah Pangeran!

Estu layak Gusti ngasta kaagungan,


kahormatan, sareng kakawasaan. Reh
nya Gusti nu nyiptakeun saniskara. Nya
ku karana pangersa Gusti, pangna eta
sadaya ayeuna aya.”
1 Di tengeneun Anu linggih dina

5 singgasana aya gulungan kitab; dua


beulahanana pinuh ku aksara tur disegel
ku tujuh segel.
2 Hiji malaikat anu gagah cumeluk,

sorana handaruan, “Saha anu layak


mucat segel eta gulungan kitab?”
3 Boh di sawarga, boh di bumi, kitu

deui di handapeun bumi, horeng can


aya sama sakali anu bisa muka segelna
jeung ngilik eusina eta gulungan kitab.
WAHYU 5.4–9 16
4 Ku lantaran taya pisan anu layak muka
jeung ngilik eusina, segruk, simkuring
ceurik bawaning ku nalangsa.
5 Tapi dicombo ku sesepuh nu saurang,

saurna, “Ulah nalangsa. Aya anu


pibisaeun muka tujuh segelna jeung
muka gulunganana, nya eta Singa ti
kaom Yuda anu pinunjul, seuweu Daud.”
6 Breh bae di tengah-tengah, hareupeun

singgasana anu dikawal ku opat mahluk


jeung sesepuh teh, aya Anak Domba anu
jiga urut tapak dipeuncit. Tandukna, eta
Anak Domba teh, aya tujuh; panonna ge
kitu, aya tujuh; tah eta teh, roh-Na Allah
anu tujuh tea, anu diutus ka sakuliah
dunya.
7 Tuluy eta Anak Domba teh maju,

nampanan gulungan tea tina panangan


Anu linggih dina singgasana.
8 Geus kitu, opat mahluk jeung dua

puluh opat sesepuh teh, sujud ka eta


Anak Domba. Ari sesepuh anu dua puluh
opat tea, nyarekel kacapi jeung pinggan
emas anu dieusi ku barang seungit, nya
eta paneda-paneda jalma-jalma saruci.
9 Aranjeunna ngawihkeun hiji pupujian

anyar: “Nya Salira anu layak nampina,


sareng muka segel-segelna. Rehing
WAHYU 5.10–13 17
Salira parantos ditandasa; getih Salira
dianggo nebus manusa ti saban kaom,
saban basa, saban bangsa, katut
seler-seler bangsa pikeun diwangsulkeun
ka Pangeranna.
10 Sadayana dijadikeun hiji karajaan,

dijadikeun imam-imam anu kumureb ka


Allah nu disembah ku urang, anu baris
nyakrawati di tonggong bumi.”
11 Ti dinya, breh aya malaikat

mangrebu-rebu jeung mangjuta-juta;


eta malaikat-malaikat teh, narangtung
ngabudeur singgasana, mahluk nu opat,
jeung parasesepuh;
12 breng pupujian, sorana ngageder:

“Anak Domba nu geus ditelasan,


layak nampi kakawasaan, kamuktian,
kaluhungan, jeung kabedasan; enya
eta Anak Domba teh layak nampi puji,
kahormatan, sareng kamulyaan.”
13 Kitu deui mahluk-mahluk nu di

sawarga, nu di bumi, nu di handapeun


bumi, jeung nu di laut, — cindekna
sakabeh pangeusi jagat raya — kabeh
parupujian, pokna: “Sanggakeun ka
Mantenna, Anu linggih dina singgasana,
jeung ka Anak Domba, Puji jeung
WAHYU 5.14–6.6 18
bakti, kamulyaan jeung kakawasaan,
salalanggengna!”
14 Ditema ku mahluk anu opat: “Amin!”

Brek, parasesepuh dareku.


1 Ti dinya, segel anu kahiji, ku Anak

6 Domba dibuka. Mahluk anu kahiji, ti


nu opat tea, ngucap tarik, lir sada gelap:
“Ka dieu!”
2 Torojol hiji kuda bodas. Nu tumpakna

nyikep gondewa, tuluy dibere makuta.


Geus kitu, bral manehna iang: Tandang
tanggoh, layak pikeun unggul pupuh.
3 Anak Domba muka segel nu kadua.

Mahluk anu kadua, ngucap: “Ka dieu!”


4 Torojol hiji kuda beureum. Nu

tumpakna dibere pedang gede jeung


dibere kawasa pikeun nyabut karuntutan
ti bumi, supaya manusa silih paehan.
5 Anak Domba muka segel nu katilu.

Mahluk anu katilu, ngucap: “Ka dieu!”


Torojol hiji kuda hideung. Nu tumpakna
nyekel timbangan.
6 Ti tengah mahluk nu opat bijil ucapan,

ungelna: “Tarigu sataker saharga buruh


sapoe, gandum tilu taker saharga buruh
sapoe. Tapi anggur jeung minyak, ulah
diruksak!”
WAHYU 6.7–12 19
7 Anak Domba muka segel nu kaopat.
Mahluk nu opat teh, bareng cumeluk:
“Ka dieu!”
8 Torojol hiji kuda hawuk. Nu tumpakna,

ngaranna Ajal sarta diiring ku Hades,


Alam Maot. Heug manehna dibere
kawasa kana saparapat dunya, sina
ngundeur nyawa ku perang, paceklik,
pagebug, jeung ku sato-sato galak.
9 Anak Domba muka segel nu kalima.

Breh, ti kolong mezbah, bararijil nyawa-


nyawa parasahid, anu diparaehan tina
sabab nyangking jeung ngawawarkeun
pangandika Allah.
10 Tuluy nyawa parasahid teh sasambat,

sorana mani ngageder: “Nun Sajatining


Gusti Nu Suci! Sakumaha deui lamina
Gusti ngantep, teu ngabales naur getih
abdi-abdi ka anu ngarancik di bumi?”
11 Maranehna dileler jubah bodas

ngeplak, jeung ditimbalan sabar heula


ngadago bari ngareureuh sakeudeung
deui, nepi ka jangkepna katambahan ku
dulur-dulurna sasama ngabdi, anu oge
baris diparaehan cara maranehna.
12 Anak Domba muka segel nu kagenep.

Der, aya lini gede kabina-bina sarta


WAHYU 6.13–7.1 20
panonpoe jadi hideung ngabelegbeg;
bulan jadi beureum lir getih; c
13 bentang-bentang murubut ragragan

ka bumi, lir pepentilan anu digedag ku


angin ribut;
14 langit nyinglid jiga anu digulungkeun;

gunung-gunung jeung nusa-nusa


ngalaleser tina tempatna;
15 bangsa manusa di bumi, raja-raja,

gegeden-gegeden, jendral-jendral,
nu baleunghar, nu garagah jeung nu
lian-lianna, nu bubujang, nu merdika,
masing-masing mararubus ka guha-guha
jeung sela-sela cadas di gunung-gunung;
16 maranehna sasambat ka gunung-

gunung jeung cadas-cadas: “Kuring


urugan, bunian ti soca Anu linggih dina
singgasana, jeung ti Anak Domba anu
keur bendu!
17 Nya ayeuna waktuna aranjeunna

nyieun wawales. Saha nu bisa tagen


nyanghareupanana?”
1 Geus kitu, aya opat malaikat,

7 narangtung di opat jihat bumi.


Eta malaikat-malaikat nyerek angin
bumi anu opat, teu meunang nebak ka
daratan, lautan, atawa kana tatangkalan.
cLuk 21:25; Why 11:13, 16:18
WAHYU 7.2–9 21
2 Breh deui hiji malaikat, unggah tina
pangbijilan panonpoe nyekel cap-Na
Allah Nu jumeneng. Eta malaikat,
cumeluk ka opat malaikat anu dibere
kawasa pikeun ngaruksak daratan jeung
lautan tea; kieu cumelukna:
3 “Daratan, lautan, tatangkalan, ulah

waka digempur; urang cap heula tarang


abdi-abdi Allah nu disembah ku urang!”
4 Ku simkuring kadenge, jumblah anu

geus dicap teh aya saratus opat puluh


opat rebu urang ti sakabeh kaom Israil.
5 Anu dicap ti kaom Yuda dua belas

rebu urang. Ti kaom Rubin dua belas


rebu urang. Ti kaom Gat dua belas rebu
urang.
6 Ti kaom Aser dua belas rebu urang. Ti

kaom Naptali dua belas rebu urang. Ti


kaom Menase dua belas rebu urang.
7 Ti kaom Simon dua belas rebu urang.

Ti kaom Lewi dua belas rebu urang. Ti


kaom Isaskar dua belas rebu urang.
8 Ti kaom Sebulun dua belas rebu

urang. Ti kaom Yusup dua belas rebu


urang. Ti kaom Binyamin dua belas rebu
urang.
9 Ti dinya, simkuring ningal jelema

mangpirang-pirang reana tanpa


WAHYU 7.10–14 22
wilangan, — ti sagala bangsa, seler-seler
bangsa, kaom-kaom, jeung basa-basa —
narangtung payuneun singgasana jeung
payuneun Anak Domba, marake jubah
bodas ngeplak jeung nyarekel daun
palem.
10 Breng bareng ngararucap, sorana

ngageder: “Kasalametan urang asal


ti pangersa Allah, anu linggih dina
singgasana, jeung ti Anak Domba!”
11 Malaikat-malaikat anu rajeg

sabudeureun singgasana, kitu oge


parasesepuh jeung mahluk anu opat tea,
— payuneun singgasana — bruk sarujud
ka Allah;
12 breng, kabeh ngarucap: “Amin!

Puja, puji, kaagungan, kaluhungan,


pamuji sukur, kahormatan, kakawasaan,
kawisesaan, salamina kagungan Allah
nu disembah ku urang, salalanggengna.
Amin!”
13 Hiji sesepuh mariksa ka simkuring,

saurna, “Anu dijarubah bodas teh saha,


jeung ti mana?”
14 Walon simkuring, “Sumuhun teu

terang. Juragan anu langkung uninga.”


Saurna deui, “Eta teh jelema-jelema
anu tas dikaniaya kacida hebatna.
WAHYU 7.15–8.3 23
Jubahna jadi barodas ngeplak sabab
geus diseuseuh dina getih itu Anak
Domba.
15 Kitu lantaranana, pangna ayeuna

araya di dieu, di payuneun singgasana


Allah. Beurang peuting ngabdi ka
Mantenna di Bait-Na anu suci.
Maranehna ditangtayungan ku
Mantenna, anu linggih dina singgasana
tea.
16 Maranehna moal kasorang deui ku

lapar, moal ngarasa halabhab deui, moal


karerab deui ku panasna panonpoe,
atawa ku panas naon bae.
17 Sabab baris diaping ku Anak Domba

nu aya di tengah-tengah singgasana,


dituyun ka cinyusu kahirupan sarta
cipanon maranehna ge, ku Allah, bakal
dipupus.”
1 Barang segel anu katujuh dibuka;

8 jep, sawarga jempling kira-kira


satengah jam lilana.
2 Geus kitu, tujuh malaikat anu

narangtung payuneun Allah tea, dibagi


tujuh sangkakala.
3 Datang deui hiji malaikat anu mawa

parukuyan emas, tuluy eta malaikat


nangtung deukeut hiji mezbah; seug, ka
WAHYU 8.4–9 24
eta malaikat dibere dupa loba pisan, anu
kudu dikukuskeun dina mezbah emas
payuneun singgasana tea, bareng jeung
paneda jelema-jelema anu aribadah.
4 Haseup tina parukuyan ngelun,

nyambuang bareng jeung paneda


jelema-jelema nu aribadah, kahaturkeun
ka lenggah Allah.
5 Ari parukuyan tea, ku eta malaikat,

dieusian ruhak tina mezbah, terus


diawurkeun ka bumi; tuluy bae disusul
ku gelap tingbeledag, tinggulugur, jeung
dibarengan ku kilat; jaba ti eta, bumi ge,
inggeung ku lini.
6 Tujuh malaikat nu nyarekel sangkakala

geus sadia-sadia.
7 Malaikat nu kahiji, niup sangkakalana:

Breg, aya hujan es campur seuneu jeung


getih ditamplokkeun kana beungeut
bumi. Sapertilu taneuh, sapertilu
tatangkalan, jeung sapertilu jujukutan
nu keur harejo kahuru.
8 Malaikat nu kadua, niup sangkakalana:

Breh, aya nu siga gunung ngajungkiring,


hurung ku seuneu, dikunclungkeun ka
laut; sapertilu laut ngajadi lautan getih.
9 Sapertilu mahluk nu hirup di laut, kitu

deui sapertilu kapal-kapal, beak musna.


WAHYU 8.10–9.1 25
10 Malaikat nu katilu, niup
sangkakalana: Hiji bentang anu
kabina-bina gedena nyuruwuk ti
langit bari hurung ngagugudag;
breg, eta bentang, ninggang kana
sapertilu walungan-walungan jeung
sumber-sumber cai lianna.
11 Ieu bentang, ngaranna Apsintos anu

hartina, pait. Cai anu katinggang ku


eta bentang, jadi pait teu bisa diinum;
akibatna, loba manusa nu paeh.
12 Malaikat nu kaopat, niup

sangkakalana: Eta sora sangkakalana


ngahantem sapertilu panonpoe, sapertilu
bulan, sapertilu bentang-bentang
nepi ka sapertilu cahayana leungit.
Jaba ti eta sapertiluna beurang ge,
henteu kacaangan; kitu deui sapertiluna
peuting.
13 Ari di langit, aya hiji galudra anu keur

ngalayang, — kacida luhurna — bari


disada; sorana gede jeung aya unina:
“Balai! Balai! Balai pangeusi bumi,
upama tilu sangkakala malaikat sejenna
deui enggeus ditiup!”
1 Geus kitu, malaikat nu kalima, niup

9 sangkakalana. Tuluy aya hiji bentang


anu ragrag ti langit ninggang ka bumi.
WAHYU 9.2–7 26
Eta bentang diserenan sosi hiji guha anu
jero (pangancikan roh-roh jahat).
2 Barang lawang eta guha dibuka,

peledug bijil haseup, — pohara kandelna,


kawas haseup tina pameuleuman gede
— anu moekan panonpoe.
3 Ti jero eta haseup, merul simeut, —

matih lir kalajengking — ambreg ka


bumi.
4 Eta simeut-simeut teh, geus dibere

parentah teu meunang ngaruksak


bangsa jujukutan, tatangkalan, atawa
tutuwuhan lianna; tapi ngan pikeun
ngagalaksak ka manusa wungkul, anu
dina tarangna henteu marake cap Allah.
5 Sanajan kitu, eta jelema-jelema teh

henteu meunang nepi ka dipaehan;


cukup ku disiksa, — dibere kanyeri
kawas diseureud ku kalajengking —
lilana lima bulan.
6 Di sajero lima bulan tea, jelema-

jelema teh nareangan jalan pikeun paeh,


tapi teu nimu. Paeh diteangan, tapi
Paehna nyingkir.
7 Simeut-simeut tea, bangunna,

siga kuda beunang ngararahaban


ku dangdanan perang. Huluna, siga
WAHYU 9.8–15 27
make makuta emas; beungeutna, siga
beungeut jelema;
8 jeung baruukan, siga buuk awewe;

huntuna, siga huntu singa;


9 dadana, siga nu make baju beusi; sora

jangjangna, ngaguruh lir sada kareta


perang anu ditarik ku kuda loba;
10 buntutna, siga buntut kalajengking

jeung peurahan deuih; nya pikeun nyiksa


jelema-jelema tea, lilana lima bulan.
11 Jeung aya rajana anu ngatur, nya

eta malaikat guha tea; ngaranna


dina basa Ibrani, Abadon, ari dina
basa Yunani Apolion (hartina: Tukang
ngamusnakeun).
12 Liwat balai nu ieu, aya dua rupa

keneh balai.
13 Malaikat nu kagenep niup

sangkakalana: Ti opat juru mezbah


emas, — di payuneun Allah tea —
14 bijil parentah ka malaikat anu bieu

niup sangkakala: “Bebaskeun opat


malaikat anu ditahan di sisi walungan
Ci-Eprat!”
15 Tuluy malaikat nu opat teh,

dileupaskeun. Eta opat malaikat ditahan


di dinya teh, diancokeun kana hiji wanci
anu geus dipasti jamna, poena, bulanna,
WAHYU 9.16–20 28
jeung taunna pikeun maehan sapertilu
umat manusa.
16 Ti dinya, simkuring ningal aya

wadyabalad gede kacida; bilanganana


kadenge aya dua puluh juta urang.
17 Kabeh tarumpak kuda, dibaraju kere,

warnana beureum euceuy, biru langit,


jeung koneng walirang. Ari kudana,
huluna siga hulu singa. Tina bangusna,
bijilan seuneu, haseup, jeung walirang.
18 Ieu tilu rupa balai anu kaluar

tina bangus-bangus kuda teh, nya


eta seuneu, haseup, jeung walirang.
Ngabalaikeun ka manusa, nepi ka
sapertilu umat manusa paraeh.
19 Kasaktian eta kuda memang dina

bangusna, jeung dina buntut-buntutna


anu bangunna jiga oray haruluan, sarua
ngaruksakna.
20 Manusa nu sakarina, anu teu paraeh

ku eta bahla, tetep henteu euih-euih


tina kalakuan masiatna. Angger bae
nyararembah ka brahala, anu dijieunna
tina emas, tina perak, tina parunggu,
tina batu, jeung tina kai; nya jijieunan
maranehna keneh: Arca anu teu nenjo
teu ngadenge, jeung teu leumpang.
WAHYU 9.21–10.6 29
21 Angger bae maranehna resep
maehan, resep sihir, resep rucah, sarta
resep pulang-paling.
1 Ti dinya, simkuring ningal deui

10 hiji malaikat anu gagah, turun ti


sawarga. Eta malaikat teh diharudum
ku mega; mastakana, dikukudung
kuwung-kuwung; rarayna, gumebyar
lir panonpoe; sampeanana, jeg pilar
seuneu.
2 Pananganana, nyepeng gulungan kitab

leutik beunang muka. Sampeanana, nu


katuhu napak ka laut, nu kenca napak
ka darat.
3 Eta malaikat ngagero handaruan, lir

sada singa ngagaur, ditembalan ku tujuh


guludug anu ngagulugur.
4 Sanggeus jempe, ku simkuring

rek dituliskeun; tapi kaburu aya anu


ngagentraan ti sawarga, ungelna: “Eta
picatur tujuh guludug ulah dituliskeun.
Kudu dirasiahkeun!”
5 Geus kitu, malaikat anu napak ka laut

sarta napak ka darat tea, ngacungkeun


panangan anu katuhu ka langit;
6 tuluy ngucapkeun sumpah demi Allah

Nu jumeneng, anu ngadamel langit


WAHYU 10.7–11 30
sapuratina, bumi sapuratina, jeung laut
sapuratina: “Geus cunduk waktuna!
7 Engke, samangsa geus kadenge

sangkakala anu baris ditiup ku malaikat


nu katujuh, nya harita Allah seja
ngabudalkeun rasiah putusan-putusana-
Na, sakumaha anu geus diwartakeun ka
paranabi, nya eta abdi-abdi Mantenna
tea.”
8 Gentra nu tadi kadenge ti sawarga

tea, ngagentraan deui ka simkuring:


“Cokot ku maneh ka ditu gulungan kitab
anu muka ti malaikat anu napak ka laut
jeung ka darat!”
9 Tuluy simkuring indit, nyuhunkeun

eta gulungan kitab ka eta malaikat. Ari


saurna: “Heh tampanan, tuluy hakan!
Eta gulungan kitab teh di jero beuteung
mah rasana pait, tapi dina sungut amis
asa madu!”
10 Eta gulungan kitab ku simkuring

ditampanan, terus didahar. Enya dina


sungut mah, amisna, asa madu; tapi
barang geus di jero beuteung, pohara
paitna.
11 Geus kitu, simkuring dipiwarang kieu:

“Sakali deui, maneh kudu ngembarkeun


pangandika Allah ka bangsa-bangsa nu
WAHYU 11.1–6 31
loba, ka seler-seler bangsa anu basana
rupa-rupa, jeung ka raja-raja!”
1 Ti dinya, simkuring dibere hiji

11 tumbakan, jiga iteuk. Tuluy


simkuring dipiwarang kieu: “Geura ukur
Bait Suci katut mezbahna; terus itung
jelema anu keur ngajalankeun ibadah di
dinya.
2 Buruan luarna kudu diiwalkeun, ulah

diukur; sabab geus diserenkeun ka anu


teu nyarembah ka Allah, anu bakal
ngidek-ngidek Kota Suci, opat puluh dua
bulan lilana.
3 Kami baris ngutus dua saksi Kami,

sina ngembarkeun pangandika bari


marake karung, sarebu dua ratus genep
puluh poe lilana.”
4 Eta dua saksi teh, — nya eta dua

tangkal jetun jeung dua obor anu


pernahna di payuneun Gustining sabumi
alam tea —
5 sungutna, bisa ngabijilkeun seuneu

pikeun ngahuru ka anu niat jail ka dirina.


Ku sabab eta, sing saha bae anu jahat
ka eta dua saksi, geus tangtu paeh
kaduruk.
6 Maranehna barisaeun meundeutan

langit, supaya salila maranehna


WAHYU 11.7–11 32
ngajalankeun kawajiban ulah turun
hujan. Maranehna oge barisaeun
ngarobah cai jadi getih atawa ngagebug
bumi ku rupa-rupa musibat, iraha bae
niatna.
7 Sanggeus kawajibanana rengse,

maranehna baris tarung jeung Sato anu


bijil tina gorowong bumi sarta baris
kasoran nepi ka tiwas duanana.
8 Mayitna baris ngajaloprak di jalan

raya, dihiji nagara gede, nya eta nagara


anu geus nyalibkeun Gusti Jungjunan
maranehna. Ngaran samaran eta
nagara: Sadumu atawa Mesir.
9 Mayit dua saksi teh didareugdeug ku

jalma-jalma, — ti saban nagara, saban


bangsa nu basana rupa-rupa, seler-seler
bangsa — lilana tilu satengah poe; eta
mayitna teh, ku eta jelema-jelema,
henteu meunang dimakamkeun.
10 Ku sabab duanana geus paraeh,

jalma sadunya aratoh, pararesta bari


silih kiriman kagegelan; sabab eta
dua nabi teh, pikeun maranehna mah,
ngajadi hiji siksaan.
11 Sanggeus meunang tilu poe

satengah, ku kersaning Allah, napasna


eta dua saksi teh, arasup deui kana
WAHYU 11.12–17 33
kurungan, terus hararudang deui.
Nu narenjo eta kajadian teh, nepi
sarieuneun.
12 Geus kitu, aya anu ngagentraan ti

sawarga: “Hiap unggah!” Tuluy duanana


arunggah ka sawarga dina hiji mega,
dipalencrong ku musuh-musuhna.
13 Der, harita keneh aya lini gede teu

kira-kira, nepi ka saperpuluh eta nagara


ancur sarta anu paraeh nepi ka tujuh
rebu urang. Anu harirup keneh pada
katarajang baluas kabina-bina, seug
masing-masing ngaku kana kaagungan
Allah nu di sawarga.
14 Balai anu kadua geus liwat, balai anu

katilu tereh nyusul!


15 Ti dinya, malaikat anu katujuh, niup

sangkakalana: Harita keneh, di sawarga


aya sora ngageder, nyarebut: “Alam
dunya, ayeuna jadi purbaan Allah nu
disembah ku urang katut Anjeunna anu
geus diistrenan ku Mantenna, nya eta
anu baris ngarajaan salalanggengna!”
16 Dua puluh opat sesepuh anu caralik

dina tahta payuneun Allah, bruk sarujud;


17 tuluy bareng mariunjuk: “Nun

Pangeran, Allah Nu Murba Wisesa,


Anu jumeneng kiwari, anu jumeneng
WAHYU 11.18–12.2 34
bihari! Sembah sewu-sewu sukur, Gusti
ngasta kawasa rohaka, kiwari Gusti Nu
nyakrawati.
18 Bangsa-bangsa anu henteu daraek

sumembah, pada narembongkeun


amarah. Nanging wawales ti Gusti
parantos nitih ka wanci: Ngaragragkeun
hukum ka nu paraeh, ngaganjar ka
paraabdi, nabi-nabi sareng jalmi nu
saruci, anu ngaraos gimir ku Gusti, boh
nu aya harkat, boh nu tuna harkat.
Ayeuna ninggang mangsana, ngabasmi
maranehna, anu ngaruksak jagat
buana.”
19 Sanggeus kitu, bray Bait Suci di

sawarga muka. Peti Perjangjian Allah


anu disimpen di dinya katembong.
Kilat-kilat tingkerelep, guludug ngaguruh
pating gulugur, dibarung ku lini jeung
hujan es anu pohara hebatna.
1 Geus kitu, di langit aya hiji

12 totonde nu kacida ahengna. Aya


hiji awewe anu papakeanana panonpoe;
sukuna ngadampal bulan; sirahna make
makuta dua belas bentang.
2 Eta awewe teh rek ngajuru

sagebroleun, mani ngoceak awahing ku


nyeri ngahaeutkeun kana gebrol.
WAHYU 12.3–8 35
3 Aya deui kaahengan sejen di langit:
Aya naga anu kacida gedena, beureum
burahay, huluna tujuh, tandukna
sapuluh, jeung unggal huluna make
makuta.
4 Buntutna dipake ngaranggeum

sapertiluna bentang-bentang di langit,


tuluy dibabetkeun ka bumi. Geus kitu,
eta naga ngadangong hareupeun nu
rek ngajuru; karepna rek nyapluk orok
upama enggeus kaluar.
5 Brol, awewe teh ngajuru, orokna

lalaki. Ieu orok teh bakal murba ku


iteuk beusi ka sakabeh bangsa. Harita,
dumadakan, orokna teh aya anu
ngejatkeun ka Allah pikeun dibawa ka
singgasana-Na.
6 Ari indungna mah, ngejat ka alas

kikisik. Satuluyna, eta awewe teh


matuh dihiji tempat: Kenging Allah
nyayagikeun sarta bakal dibayuan
didinya, pililaeunana sarebu dua ratus
poe.
7 Geus kitu, di sawarga aya perang.

Mikail jeung malaikat-malaikatna tarung


ngayonan naga sawadya baladna.
8 Naga kasoran, teu bisa deui ngancik

di sawarga.
WAHYU 12.9–13 36
9 Naga, si oray kahot, — anu ngaranna
Iblis atawa Setan anu nyasabkeun
saalam dunya — ditotogkeun ka bumi
katut sawadya baladna.
10 Geus kitu, di sawarga aya sora anu

ngaguruh, anu ngarucap: “Kasalametan


kagungan Allah ayeuna enggeus
gumelar. Allah geus mintonkeun
kawasa-Na nawiskeun Mantenna Raja.
Kitu oge Anjeunna, anu diistrenan
ku Mantenna, geus mintonkeun yen
nyangking pamarentahan. Tukang
istori, anu beurang peuting gawena
ngelak-ngelakkeun dulur-dulur urang ka
Allah, geus dipiceun ti sawarga.
11 Dulur-dulur urang geus unggul, bisa

ngelehkeun manehna, berkah getih-Na


Anak Domba, jeung ku kayaktian anu
diwawarkeunana, tur tarungna toh pati
jiwa raga.
12 Ku sabab eta, sing gerah, eh sawarga,

kitu deui aranjeun anu ngarancik di


dinya! Balai maneh, bumi jeung laut!
Iblis geus turun ka tempat maneh,
ambekna kaliwat saking, dumeh ngarasa
geus meh kasedek ku waktu.”
13 Barang Naga tea eling, yen geus

ditotogkeun ka bumi; sebrut, eta naga,


WAHYU 12.14–13.1 37
ngudag ka awewe anu ngajurukeun
budak lalaki tea.
14 Tapi eta awewe teh, ku Allah

dipaparin jangjang galudra; tuluy eta


awewe disina hiber ka alas kikisik, urutna
bareto: Meunang tilu taun satengah
di dinya, dibayuan jeung dijaga tina
ancaman Naga.
15 Ti dinya, Naga teh nyebrotkeun cai

tina sungutna anu ngajadi walungan


banjir; maksudna mah, sina ngalegleg
ka awewe tea.
16 Tapi bumi nulungan ka eta awewe,

wag calangap, walungan buatan Naga


teh dicapluk.
17 Bawaning ku gemes ka eta awewe,

leos, Naga teh indit: Arek nempuh


kana sesa turunan eta awewe, nya eta
jelema-jelema anu iman kana dawuhan
Allah jeung nyarekel kana pertelaan Isa.
1 (12-18) Tuluyna mah, Deg,

13 Naga teh nangtung di sisi basisir.


(13-1) Geus kitu, Jebul, ti laut hiji sato
hanjat ka darat. Huluna tujuh, tandukna
sapuluh; dina unggal-unggal tanduk
aya makuta; ari huluna, masing-masing
ditulisan hiji ngaran anu ngahina;
WAHYU 13.2–8 38
2 awakna, siga maung tutul; sukuna,
siga suku biruang; bangusna, siga
bangus singa. Seug ku Naga diserenan
pangawasana, kapangkatanana, jeung
kagagahanana.
3 Huluna, salahsahijina, aya raheutna

bangun matak paeh, tapi bet bisa cageur


deui. Saeusi dunya mani hookeun, seug
sato teh ditaluturkeun.
4 Jelema-jelema kabeh muji ka Naga,

anu geus mere kakawasaan ka eta sato;


tuluy eta sato teh, disembah-sembah.
Ceuk maranehna: “Saha nu bisa
nandingan tur kuat ngalawan eta sato?”
5 Eta sato dibere kabisa kana susumbar,

ngaburulakeun ucap-ucap jahat, opat


puluh dua bulan lilana.
6 Seug mimiti nangtang ka Allah,

nyacampah jenengana-Na, ngahina kana


kasucian panglinggihana-Na, jeung ka
sakur anu ngarancik di sawarga.
7 Jeung deui, eta sato teh, dibere idin

merangan jeung ngelehkeun umat Allah;


tur dibere kawasa oge pikeun ngajajah
ka kaom-kaom, seler-seler bangsa,
bangsa-bangsa, jeung basa-basa.
8 Jelema saalam dunya baris nyarembah

ka dinya. Anu karitu teh, ngan ukur


WAHYU 13.9–14 39
jelema-jelema anu ngaranna ti
barang dunya dijadikeun geus henteu
katuliskeun dina kitab hayat cangkingan
Anak Domba anu dipeuncit tea.
9 Ku sabab eta, nu rumasa boga ceuli

kudu ngadenge!
10 Anu pastina kudu kaboyong tangtu

kaboyong; anu pastina dipaehan ku


pedang, tangtu paeh ku pedang. Lebah
dieu pentingna, jelema anu aribadah teh
kudu tabah nyekel imanna.
11 Breh deui, aya sato anu kadua. Bijilna

ti jero bumi. Ieu sato, boga dua tanduk


anu bangunna siga tanduk anak domba
jeung bisa ngomong kawas Naga tea.
12 Seug, eta sato, ngajalankeun

sagala pangawasa sato anu kahiji


di hareupeunana. Ieu sato teh
ngalantarankeun bumi sakuliahna
katut jelema-jelema anu ngeusianana,
nyarembah ka sato anu kahiji, anu
raheutna cageur deui tea.
13 Ieu sato anu kadua teh,

nembongkeun kaahengan-kaahengan
anu hebat ka manusa, malah bisa nyieun
hujan seuneu ti langit.
14 Ku jalan nembongkeun kaahengan-

kaahengan anu wenang dijalankeun


WAHYU 13.15–14.1 40
dihareupeun sato anu kahiji, ieu sato
teh, bisa nyasabkeun manusa-manusa
anu ngarancik di bumi sarta marentah
arca pikeun ngahormat sato anu huluna
raheut cageur deui tea.
15 Tur eta sato teh boga pangawasa

ngahirupkeun eta arca, nepi ka arcana


bisa ngomong ngaragragkeun hukum
pati ka anu embung nyembah.
16 Malah nyieun aturan anu keras pisan,

yen sakabeh jelema gede leutik, anu


beunghar anu miskin, nu merdika anu
kumawula, kudu marake tanda dina
leungeun katuhu jeung dina tarang.
17 Jelema anu teu boga eta tanda,

— nya ngaran eta sato atawa angka


perlambang ngaranna — henteu
meunang barang beuli atawa barang
jual.
18 Ieu teh siloka, jadi urang kudu

lantip jeung surti. Anu surti mah, bisa


nyaho kana angka bilanganana; sabab
bilanganana teh, nuduhkeun ngaran
hiji manusa. Angkana teh: Genep ratus
genep puluh genep.
1 Geus kitu, breh, Anak Domba

14 tea ngadeg di Gunung Sion.


Eta Anak Domba teh disarengan ku
WAHYU 14.2–6 41
saratus opat puluh opat rebu jelema,
anu tarangna masing-masing ditulisan
jenengan Anjeunna jeung jenengan
Rama-Na.
2 Di sawarga kadenge aya anu

ngaguruh, lir sada curug gede jeung


sada gulugurna guludug. Ari sorana
tinanding kacapi loba anu keur ditabeuh.
3 Jelema anu saratus opat puluh opat

rebu tea nyanghareup ka singgasana,


ka mahluk nu opat, jeung ka dua puluh
opat sesepuh. Breng ngawihkeun hiji
pupujian anyar. Anu bisa ngawihkeun eta
pupujian teh, ngan maranehna wungkul,
nya eta anu geus ditebus ti dunya.
4 Da maranehna mah, hirupna teh

henteu ngotoran dirina ku awewe-


awewe, suci kawas parawan. Maranehna
ngingiring bae ka Anak Domba tea ka
mana bae. Kabehna beunang nebus ti
antara manusa, dijadikeun cikal-cikal
anu pangheulana disanggakeun ka Allah
jeung ka Anak Domba.
5 Maranehna mah, tara pisan

ngucapkeun bohong, beresih taya


kuciwana.
6 Breh deui, aya hiji malaikat keur

ngalayang di angkasa, mawa Injil abadi,


WAHYU 14.7–10 42
embarkeuneun ka pangeusi bumi: Ka
sakabeh bangsa, seler-seler bangsa,
kaom-kaom, jeung ka rupa-rupa basa.
7 Seug eta malaikat cumeluk: “Masingna

gimir ku Allah! Agungkeun Mantenna!


Sabab ayeuna, enggeus mangsana
Mantenna nerapkeun hukum adil-Na.
Geura sumembah ka Mantenna anu
ngajadikeun langit, bumi, laut, jeung
sakabeh sumber cai!”
8 Breh, aya deui hiji malaikat, nu kadua,

nyusul bari cumeluk: “Geus tumpur!


Geus tumpur Babul nagara gede, tukang
ngaloloh bangsa-bangsa ku lampah
kamasiatanana!”
9 Breh, aya hiji deui malaikat, nu katilu,

nyusul anu kadua bari cumeluk: “Anu


nyarembah ka sato jeung ka arcana,
anu marake tandana dina tarang jeung
leungeun,
10 bakal dicekok ku anggur bebendu

Allah, keras teu dicampur ku nanaon!


Anggur bebendu Allah geus dicicikeun
kana lumur bebendu-Na! Maranehna
baris disiksa ku seuneu walirang,
disaksian ku malaikat-malaikat saruci
jeung ku Anak Domba.
WAHYU 14.11–16 43
11 Haseup seuneu panyiksana, meledug
salalanggengna. Nu nyarembah ka sato
katut arcana, jeung anu marake tanda
ngaranna, baris disiksa beurang peuting
teu eureun-eureun!”
12 Ieu ngingetan ka anu aribadah, anu

nurut kana timbalan Allah jeung satia ka


Isa, supaya tigin dina imanna.
13 Geus kitu, simkuring digentraan ti

sawarga, saur-Na: “Tuliskeun: Ti semet


ayeuna, estu bagja anu paehna dina
kamanunggalan jeung Gustina.” Diwaler
ku Ruh: “Saestuna! Maranehna baris
reureuh tina kacape; ganjaran tina
buah-buah pagaweanana anu hade,
tangtu baris katarima.”
14 Breh, aya mega bodas. Dina eta

mega aya nu calik, mangrupi manusa.


Mastaka-Na, nganggo makuta emas;
panangana-Na, nyepeng arit seukeut.
15 Breh deui, aya hiji malaikat kaluar ti

Bait Suci; tuluy eta malaikat cumeluk ka


Nu calik dina mega bodas: “Sumangga
pibuateun geura kawitan, babad ku arit.
Bumi parantos asak, parantos waktosna
dipibuatan!”
16 Anu calik dina mega ngababadkeun

arit-Na, bumi mimiti dipibuatan.


WAHYU 14.17–15.1 44
17 Breh, aya hiji deui malaikat, anu
kaluar ti Bait Suci di sawarga. Ieu oge
mawa arit.
18 Aya keneh hiji deui malaikat anu

purah ngajaga seuneu; eta malaikat


teh, kaluar ti jero mezbah, cumeluk ka
malaikat nu nyekel arit: “Arit andika
geura gunakeun, pake mupu buah
anggur, keureutan ranggeuyanana sabab
geus arasak!”
19 Tuluy malaikat teh ngulangkeun

aritna ka bumi, ngeureutan ranggeuyan


anggur. Buah anggurna dialung-
alungkeun kana bak pameresan anu
gede pisan anu jadi perlambang
bebendon Allah.
20 Anggur teh, diperes di luar kota;

tapi barang diperes, nu kaluar tina


pameresan teh getih, anu nepi ka jadi
walungan getih: Panjangna tilu ratus
kilometer, jerona sameter satengah.
1 Geus kitu, aya deui hiji totonde

15 anu aheng, di langit: Agung sarta


matak helok kabina-bina. Aya tujuh
malaikat, mawa tujuh rupa balai anu
panganggeusan, nya eta kanyataan anu
panutup tina bebenduning Allah.
WAHYU 15.2–7 45
2 Breh, aya anu jiga laut kaca pagalo
jeung seuneu. Jelema-jelema anu geus
ngelehkeun sato, arcana, katut nu make
cap angka-angka lambang tina ngaranna
tea, narangtung di sisi eta laut kaca,
nyarekel kacapi ti Allah.
3 Breng ngawihkeun pupujian Musa, —

abdi Allah tea — jeung pupujiana-Na


Anak Domba: “Nun Pangeran, Allah Nu
Murba Wisesa, padamelan Gusti agung
aheng teu aya bandingna! Nun Rajaning
sadaya bangsa, jalan Gusti estu adil tur
sayaktosna!
4 Saha anu teu gimir ku Gusti? Saha

anu moal ngaku kaagungan Gusti?


Anging Gusti Anu suci. Bangsa-bangsa
sadayana baris darongkap sumembah,
wireh padamelan Gusti anu adil, nyata
kasaksi ku sadayana.”
5 Ti dinya, katingal Bait Suci nu di

sawarga, muka; breh, anu aya di jerona


katembong.
6 Tujuh malaikat anu mawa tujuh rupa

balai, kalaluar ti Bait Suci; papakeanana


ngeplak bodas jeung harerang; dadana,
marake beulitan emas.
7 Salah sahiji mahluk nu opat tea,

ngabagikeun tujuh pinggan emas, —


WAHYU 15.8–16.4 46
anu dieusi ku bebenduning Allah Anu
jumeneng salalanggengna — ka malaikat
anu tujuh tea.
8 Geus kitu, Bait Suci teh pinuh

ku haseup ku karana kaagungan


jeung kakawasaan Allah. Teu aya
saurang-urang acan anu bisa asup ka
dinya: Samemeh balai anu tujuh rupa
anu dicekel ku tujuh malaikat tea,
dilaksanakeun kabeh.
1 Ti jero Bait Suci aya Nu

16 ngagentra, handaruan; nimbalan


ka malaikat anu tujuh tea: “Geura bral!
Eusi tujuh pinggan bebendu Allah teh,
tamplokkeun ka bumi!”
2 Bral, nu kahiji, indit; eusi pingganna,

ditamplokkeun ka bumi. Seug jelema-


jelema anu marake cap sato jeung
nyarembah ka arcana tea, awakna
pinuh ku bisul, nya jahat, nya nyeri
kabina-bina.
3 Malaikat nu kadua, eusi pingganna,

ditamplokkeun ka laut. Seug cai laut


robah, badis getih jelema anu geus
paeh. Tuluy mahluk-mahluk nu hirup di
laut, kabeh, paraeh.
4 Malaikat nu katilu, eusi pingganna,

ditamplokkeun ka walungan-walungan
WAHYU 16.5–10 47
jeung sumber-sumber cai. Bruy caina
ngajadi getih.
5 Malaikat anu nyangking cai, nyoara:

“Nun Anu kalangkung nya suci! Gustining


kiwari Gustining bihari! Hukum Gusti
estu adil.
6 Parantos sawajarna tukang-tukang

ngocorkeun getih umat Allah sareng


nabi-nabi teh, ku Gusti diinuman deui
getih!”
7 Tina mezbah oge bijil soara:

“Saestuna, nun Allah Nu Murba Wisesa!


Hukum Gusti adil tur sayakti!”
8 Malaikat nu kaopat, eusi pingganna,

ditamplokkeun kana panonpoe. Sebret


panonpoe ngaluarkeun panas luar biasa
pikeun ngagarang manusa.
9 Seug jelema-jelema kagarang

ku panonpoe, tuluy maranehna


nyarumpahan ka Allah anu kagungan
kawasa ngaragragkeun eta balai. Tapi
manusa teh, teu aya euih-euihna: Ulah
bon muji kana kaagungan Allah.
10 Malaikat anu kalima, eusi pingganna,

ditamplokkeun kana tahta sato tea.


Reup, wilayah kakawasaanana ngajadi
poek sarta jelema-jelema katarajang ku
WAHYU 16.11–15 48
nyeri anu kabina-bina, nepi ka pating
pereket ngegelan letah sorangan.
11 Seug nyarumpahan ka Allah nu di

sawarga lantaran aral ku kanyeri sarta


awakna pinuh ku bisul tea: Tobat mah
henteu!
12 Malaikat nu kagenep, eusi pingganna,

ditamplokkeun ka hiji walungan gede,


nya eta Ci Eprat. Set, eta Ci Eprat, saat
ngoletrak sarta jadi pijalaneun raja-raja
ti tatar wetan.
13 Seug tina sungut Naga, tina sungut

sato, jeung tina sungut nabi palsuna


aya tilu roh najis kaluar, bangunna jiga
bangkong;
14 eta teh roh-roh setan, anu nyarieun

kaahengan-kaahengan. Terus ngulayab


ka sakuliah dunya, ngadatangan raja-
raja, arek dibawa sakait kana hiji perang
dina poe anu agung, Poening Pangeran
Nu Murba Wisesa.
15 Mangka waspada! Kami datang

mo kasangka-sangka, lir waktu


datang bangsat. Untung sing saha nu
nyaring terus; tur geus saged lengkep
dangdanan, moal kaberedeg, kudu indit
ditataranjang, jadi tongtonan batur.
WAHYU 16.16–21 49
16 Roh-roh najis tea, ngerid raja-raja
ka hiji tempat anu ngaranna dina basa
Ibrani: Armagedon.
17 Malaikat nu katujuh, eusi pingganna,

ditamplokkeun ka awang-awang. Tina


singgasana nu aya di Bait Suci, aya Anu
ngagentra handaruan: “Geus laksana!”
18 Der, kilat pating burinyay, guludug

pating gulugur, jeung aya lini anu teu


kira-kira gedena. Ti sabarang manusa
dijadikeun, can aya lini anu sakitu
gedena. Panghebat-hebatna lini!
19 Nagara gede tea, nepi ka beulah

tilu. Kabeh kota-kota anu teu baroga


Allah, ancur lebur. Nagara Babul Raya
teh, geus leungit tina emutan Allah.
Nya harita, ku Mantenna digelekgek ku
anggur bebendu-Na anu dibahekeun tina
lumur wawales-Na.
20 Pulo-pulo leungit musna; gunung-

gunung, kabeh, sirna.


21 Breg hujan es, — anu beuratna

tiap-tiap keclak opat puluh kiloan


— ngaburubut ti langit ninggangan
ka manusa. Hujan es anu pohara
ngabalaikeunana, nepi ka jelema-jelema
teh nyarumpahan ka Allah.
WAHYU 17.1–6 50
1 Hiji ti antara tujuh malaikat
17 anu nyarangking pinggan balai
tea, nyampeurkeun ka simkuring, bari
saurna: “Ka dieu! Urang nenjo hukuman
anu baris dikeunakeun ka awewe
ratuning palacuran, nya eta nagara gede
anu di sisi walungan gede tea.
2 Raja-raja sakuliah jagat, kabeh, geus

lalacur jeung manehna. Jelema saalam


dunya ge, geus marabok ku anggur
palacuranana.”
3 Geus kitu, lelembutan simkuring

dibawa ku malaikat ka alas kikisik.


Di dinya, aya hiji awewe keur diuk
numpakan hiji sato anu beureum
euceuy, anu pinuh ku tulisan ngaran-
ngaran anu sipatna ngahina. Satona,
huluna tujuh tandukna sapuluh.
4 Warna papakean eta awewe, wungu

jeung beureum euceuy, pinuh ku


perhiasan emas, permata, jeung
mutiara. Leungeunna nyekel mangkok
emas, pinuh ku rereged kamasiatanana.
5 Dina tarangna aya tulisan rasiah, anu

pihartieunana: “Babul Raya, indung


ungkluk, sarta bibit rurujiting bumi.”
6 Manehna keur mabok ku getih umat

Allah jeung ku getih jelema-jelema anu


WAHYU 17.7–11 51
sumpah satia ka Al Masih. Simkuring
ngarasa heran kabina-bina.
7 Saur malaikat ka simkuring, “Naha

andika heran? Ku kaula rek dibejakeun


rasiahna eta awewe; kitu deui sato
tutumpakanana, anu huluna tujuh
tandukna sapuluh.
8 Eta sato anu katenjo, bareto teh

hirup, tapi ayeuna mah geus ngiles. Tapi


engke, eta sato, baris muncul deui, —
ti jero guha tea — sarta baris binasa
ku polahna. Jalma-jalma pangeusi
bumi, anu ti barang dunya mimiti
dijadikeun ngaranna teu dicatet dina
kitab Kahirupan, bakal hareraneun nenjo
eta sato. Sabab eta sato anu geus ngiles
teh, bet muncul deui.
9 Hal eta teh, bisana kaharti ngan ku nu

lantip jeung surti. Huluna anu tujuh teh,


hartina, tujuh gunung pangancikan eta
awewe jeung nuduhkeun tujuh raja.
10 Nu lima diantarana geus tijungkel, nu

kagenep jeneng keneh, ari nu katujuh


acan aya; tapi mun geus aya, jenengna
moal lila.
11 Ari eta sato anu asal aya, tapi tuluy

ngiles teh, nya eta perlambang raja nu


WAHYU 17.12–17 52
kadalapan anu milu ka golongan anu
tujuhan tea sarta eta oge baris binasa.
12 Ari hartina sapuluh tanduk,

nuduhkeun sapuluh raja nu acan jeneng.


Engkena baris bareng jeung sato tea
jaradi raja, tapi lilana ngan sajam.
13 Tujuan ieu sapuluh raja, ngan sarupa,

nya eta rek nyerenkeun kakawasaan


jeung wewenangna ka sato tea.
14 Maranehna bakal merangan Anak

Domba. Tapi nu unggul mah, Anak


Domba tea katut parapanganut-Na nu
satia; sabab Anjeunna teh, Gustining
sagala gusti, Rajaning sagala raja.”
15 Saurna deui ka simkuring,

“Walungan-walungan anu ayeuna


katenjo, anu jadi tempat awewe
palacuran tea, nuduhkeun bangsa-
bangsa, rayat murba, kaom-kaom, katut
basana masing-masing.
16 Eta awewe, baris dipikaijid ku

tanduk anu sapuluh jeung ku satona;


sagala kakayaanana dijabel, awakna
ditaranjangan, dagingna diharakan,
terus diduruk ku seuneu tepi ka beak.
17 Sabab hate maranehna, ku Allah

dikersakeun boga maksud anu


sarua pikeun ngalaksanakeun tujuan
WAHYU 17.18–18.4 53
Mantenna, nya eta disina nyerenkeun
karajaan eta awewe ka sato tea, nepi ka
pangandika Allah bukti laksana.
18 Ari eta awewe, hartina, nuduhkeun

nagara gede tea, anu marentah raja-raja


saalam buana.”
1 Sanggeus eta, breh aya malaikat

18 sejen, turun ti sawarga; ieu


malaikat teh, gagah perkosa. Cahaya
kamulyaanana, sumirat ka sajagat
buana.
2 Tuluy eta malaikat cumeluk

handaruan: “Geus rugrug! Babul


nu sohor teh geus rugrug! Geus
jadi panonoban setan-setan, tempat
nyilib roh-roh najis, tempat kumbuh
manuk-manuk nu gareuleuh piijideun.
3 Sabab geus nyekok bangsa-bangsa

ku anggur kamasiatanana anu pohara


ngaruksakna. Raja-raja di saalam
dunya geus marilu lacur ka dinya.
Napsuna nu taya kaseubeuhanana geus
ngabeungharkeun ka parasudagar!”
4 Geus kitu, aya deui sora sejen anu

datangna ti sawarga: “He umat Kami,


geura kaluar ti dinya, ulah kabaud kana
dosana, bisi kabawa cilaka.
WAHYU 18.5–10 54
5 Sabab dosana geus sundul ka
sawarga, kajahatanana hamo diantep ku
Allah.
6 Geura bales sakumaha kalakuanana

ka maraneh. Bales dua kalieun. Eusian


lumurna ku anggur anu kerasna dua
kalieun ti anggur anu ku eta arek
dicekokkeun ka maraneh.
7 Siksa sarta nalangsakeun, satimpal

jeung kamulyaan kasenanganana tadina.


Sabab ceuk pangrasana: ‘Tenjo ieu aing
ratu! Aing lain randa. Aing moal pernah
nyaho disusah!’
8 Ku sabab eta, balaina geus nuturkeun,

wawalesna rek disapoekeun, diragragan


panyakit, kalaraan jeung kalaparan.
Dirina ge bakal diduruk, dihakan seuneu;
nandakeun yen Pangeran, Allah, — anu
mutus perkarana — Mahaperkosa!”
9 Raja-raja sabuana, anu geus kapincut

ku dayaning napsuna eta awewe nepi ka


lacur jeung manehna, baris midangdam
aluk-alukan, nyeungceurikan kota anu
eukeur ngabulak-bulak ku seuneu,
haseupna pating peledug.
10 Maranehna narenjokeun ti

kaanggangan sabab gimir ku eta


balai. Aromongna: “Nya pohara! Babul
WAHYU 18.11–15 55
nu sohor nu tohaga! Ngan ukur sajam,
andika tumpes sapisan!”
11 Parasudagar sadunya kabeh marilu

ngaheruk, lantaran moal bisa dagang


deui jeung manehna.
12 Barang-barang dagangan nu aya di

dinya geus hamo aya nu meuli deui:


emas, perak, inten, mutiara, lawon
lenen, lawon wungu, sutra, sakelat,
barang-barang tina kai, tina gading, tina
kayu kelas satu, tina parunggu, tina
beusi, tina marmer,
13 kayu manis, bungbu-bungbu,

seuseungitan, menyan, emur, anggur,


minyak, tipung, gandum, sapi, domba,
kuda, kareta, budak-budak beulian,
malah nyawa manusa pisan.
14 Ceuk eta parasudagar: “Barang-

barang kahasilan anu dipicangcam ku


anjeun, ayeuna kabeh geus musna. Nu
aralus nu arendah sarta sakitu lobana,
ayeuna kabeh geus sirna, hamo kapimilik
deui!”
15 Ari sudagar-sudagar anu geus

baleunghar ku bati dagang jeung eta


kota, ukur nareuteup ti kajauhan;
lantaran gimir ku balai, nu nyorang ka
eta kota.
WAHYU 18.16–20 56
16 Aromongna deui: “Nya pohara! Cilaka
kabina-bina eta kota anu sakitu gedena!
Urut midang saban poe ku pakean
nu harade, tina lenen, lawon wungu
reujeung sakelat, jeung reuceum ku
perhiasan emas inten jeung mutiara!
17 Kakayaan sakitu lobana ayeuna

di jero sajam ledis beresih pisan!”


Nangkoda-nangkoda, pagawe-pagawe
kapal, kalasi-kalasi, kitu deui anu
pakasabanana di laut,
18 tingkoceak ti kajauhan barang

narenjo eta kota keur ngagegedur


kahuruan, haseupna mulek ka awang-
awang. Aromongna: “Eta kota euweuh
nu mapakan!”
19 Seug maranehna ngawurkeun

lebu kana sirah bari micangcam:


“Lebar temen ku eta kota! Nasibna
matak ginggiapeun! Urut sakitu
ngabeungharkeunana ka parajuragan
kapal ku barang-barangna anu aralus,
ayeuna geus tumpes di jero sajam!”
20 He sawarga, kitu deui umat Allah,

rasul-rasul jeung paranabi! Masing


barungah! Tukang nyiksa aranjeun,
ayeuna ku Allah enggeus dihukum!
WAHYU 18.21–19.2 57
21 Ti dinya, hiji malaikat ngangkat batu
gede naker, sagede batu panggilingan;
tuluy eta batu, ku malaikat teh
dibalangkeun ka laut, bari cumeluk:
“Kieu petana maneh, Babul Raya, baris
dibalangkeun, moal katenjo-tenjo deui
ku manusa.
22 Sora kacapi, sora kawih, sora

suling jeung tarompet, di maneh geus


hamo kadenge deui. Geus moal aya
deui pagawe, moal aya deui sora
panggilingan!
23 Moal nenjo-nenjo deui sinar lampu.

Moal kadenge deui gerendengna


panganten anyar. Sudagar-sudagar
maneh anu pangjegud-jegudna di
sakuliah bumi, kitu deui rayat maneh
sagemblengna, ku maneh enggeus
disihir nepi ka salalasar!”
24 Eta kota teh geus ngajagal nabi-nabi,

paraumat Allah, jeung parasahid lianna.


1 Geus kitu, di sawarga aya sora

19 mani ngageder, sora pupujian


jalma loba, pokna: “Muji sukur ka Allah!
Haturkeun ka Mantenna: Kawilujengan,
kamulyaan jeung kakawasaan.
2 Putusan Mantenna adil saestu. Indung

palacuran, anu jahat ngaruksak buana,


WAHYU 19.3–9 58
tur geus maehan abdi-abdi Mantenna,
ayeuna enggeus dihukum.”
3 Muji sukur ka Allah! Nagarana geus

dihuru, haseupna meledug salawasna.


4 Dua puluh opat sesepuh jeung mahluk

nu opat tea nyarembah ka Allah, anu


linggih dina singgasana bari nyarebut:
“Amin! Muji sukur ka Allah!”
5 Tina singgasana bijil soara:

“Sanggakeun puji ka Allah nu disembah


ku urang, he sadaya abdi-Na anu gimir
ka Mantenna, gede leutik!”
6 Der sora ngageder deui, lir sada

gumuruhna banjir sarta sadana gugur


ngagulugur. Unina: “Muji sukur ka Allah!
Pangeran, Allah nu disembah ku urang,
Nu Murba Wisesa, jumeneng Raja.
7 Hayu urang suka bungah sarta

muji ka Mantenna. Sabab ayeuna,


poe rendenganana anu ngagem gelar
Anak Domba. Panganten istri geus
didangdosan,
8 sarta geus dipaparin sangkan nganggo

lenen bodas lemes cahayaan.” [Lawon


lenen bodas lambang kaibadahan umat
Allah].
9 Malaikat tea sasauran ka simkuring,

“Tulis: Estu bagja anu diondang kana


WAHYU 19.10–15 59
ieu pesta rendengan Anu ngagem gelar
Anak Domba!” Saurna deui, “Ieu teh
saestuna dawuhan Allah!”
10 Brek, simkuring deku seja nyembah

ka anjeunna. Tapi saurna, “Ulah kitu!


Kaula ge sarua, ngabdi keneh, — sasama
andika sarta sasama dulur-dulur andika,
nya eta sakur anu nyarekel pertelaan
Isa — ngan Allah anu wajib disembah.
Sabab pertelaan Isa teh, jadi sumber
ilhamna nabi-nabi.”
11 Geus kitu, simkuring ningal

sawarga muka. Torojol hiji kuda bodas,


ditunggangan ku Nu jenengan Satuhu-
Saestu, anu adil dina tarung tur adil dina
ngahukum.
12 Socana moncorong, lir seuneu

hurung; mastaka-Na nganggo makuta,


rea pisan. Dina mastaka-Na aya tulisan
hiji jenengan, taya nu wawuh lian ti
Anjeunna.
13 Panganggo-Na beunang nyelep ku

getih; gelarana-Na: Pangandika Allah.


14 Anjeunna diiring ku sawadya balad

sawarga tararumpak kuda bodas,


papakeanana lenen bodas ngeplak.
15 Tina baham-Na bijil pedang seukeut

kabina-bina, pikeun nyabetan sakabeh


WAHYU 19.16–20 60
jelema anu teu dipiboga ku Allah.
Jelema-jelema anu karitu, ku Anjeunna
baris dikeprik ku iteuk beusi, digiring
jeung digebruskeun kana pameresan,
bak bebenduning Allah Anu Murba
Wisesa.
16 Dina jubah jeung pingping-Na aya

gelaran anu unina: “Rajaning sagala


raja, Gustining sakabeh gusti.”
17 Breh deui, simkuring ningal hiji

malaikat, nangtung dina panonpoe.


Tuluy eta malaikat cumeluk ka manuk-
manuk, anu keur halaliber di langit.
Sorana handaruan:
18 “Ka darieu kumpul kana pesta Allah!

Loba hakaneun, daging raja-raja, daging


jendral-jendral, daging prajurit-prajurit,
daging kuda jeung nu tarumpakna,
daging sakabeh jelema, daging jelema
merdika, daging jelema nu kumawula,
nu gede nu leutik!”
19 Geus kitu, katembong sato tea; eta

sato bareng jeung raja-raja saalam


dunya katut sawadya baladna, geus
ngahiji arek perang ngayonan Anu
tunggang kuda bodas sawadya balad.
20 Tapi sato teh kacerek, kitu deui nabina

anu palsu, anu geus ngalantarankeun


WAHYU 19.21–20.4 61
jelema salalasar daraek dicap ku eta sato
jeung nyembah kana arcana. Duanana
digubruskeun hirup-hirup kana lautan
seuneu walirang anu hurung ngagedur.
21 Ari anu lian-lianna paraeh disabetan

ku pedang anu bijil tina baham Nu


tunggang kuda bodas tea. Manuk-manuk
sarareubeuh ku bangke-bangke.
1 Breh deui, aya hiji malaikat

20 kaluar ti sawarga, mawa konci


hiji guha anu jero kabina-bina, jeung
ngajingjing rante gede.
2 Geus kitu, eta malaikat newak Naga

tea, si oray kahot, — anu saenyana mah


Iblis atawa tukang merdaya — terus
dirante pikeun sarebu tauneun.
3 Naga digebruskeun kana jero guha

sarta lawang guhana dikonci terus


disegel, sangkan eta Naga teu bisa
nyasabkeun ka manusa sajero jaman
sarebu taun. Mun geus tutup jaman eta,
Naga dikencarkeun deui sakeudeung.
4 Breh deui, simkuring ningal

tahta-tahta katut anu nyaralikanana.


Aranjeunna dipaparin hak ngaragragkeun
hukum. Lian ti eta, simkuring ningal
nyawa jelema-jelema anu diteukteuk
beuheungna, dumeh tigin kana pertelaan
WAHYU 20.5–9 62
Al Masih jeung kana amanat pangandika
Allah; — arembung nyembah ka sato
jeung arcana, arembung narima cap dina
tarang jeung leungeunna — Maranehna
harirup deui, pada jadi raja bareng jeung
Al Masih dina jaman sarebu taun.
5 Salian ti maranehna mah, harudangna

teh engke, nya eta sabada beak jaman


anu sarebu taun tea. Ieu hudang ti nu
maraot nu kahiji.
6 Nya bagja nya suci sakur anu hudang

dina mangsa hudang kahiji; sabab geus


pasti, moal ngarasa Paeh kadua. Kabeh
baris jaradi imam-imam Allah jeung
imam-imam Al Masih, tur bareng jeung
Anjeunna ngarajaan dina jaman nu
sarebu taun.
7 Sanggeus liwat jaman nu sarebu taun

tea, Iblis baris dikencarkeun tina tempat


tahanan,
8 tuluy ngagoda bangsa-bangsa

sakuliah dunya anu disebut Gog jeung


Magog dikeprik kana perang, lobana
tanding keusik di basisir.
9 Mani nakleuk sajajagat, ningker

pakemahan paraperjurit Allah, ngepung


eta kota anu ku Allah didama-dama. Tapi
WAHYU 20.10–13 63
sabot kitu, kaburu ger hujan seuneu ti
langit, maranehna beak ditumpes.
10 Ari Iblis anu ngagodana digebruskeun

kana lautan seuneu walirang. Di dinya


geus nyampak sato tea katut nabi
palsuna anu geus digebruskeun ti
heula, bareng disiksa beurang peuting
salalanggengna.
11 Ti dinya simkuring ningal hiji

singgasana gede, warnana bodas sarta


aya nu nyalikan. Bumi jeung langit
ngejat kabur ti dinya, leungit musna
geus sirna ti tempatna.
12 Breh deui, simkuring ningal

jelema-jelema anu geus paraeh, gede


leutik, keur narangtung dipayuneun
singgasana. Di dinya, loba pisan kitab
meunang mukaan jeung aya deui
hiji Kitab anu harita dibuka, nya eta
Kitab Kahirupan. Nu geus paraeh teh,
diragragan hukuman anu satimpal jeung
lampahna masing-masing sakumaha
anu geus dicatet dina kitab-kitab tea.
13 Nu paraeh di laut, kitu deui anu ti

tempat lianna hararudang tina paehna,


terus diragragan hukuman anu satimpal.
WAHYU 20.14–21.5 64
14 Geus kitu, Paeh katut karajaanana
digebruskeun ka lautan seuneu. (Ieu
lautan seuneu ngaranna: Paeh kadua).
15 Nya kitu deui, sakur anu ngaranna

henteu dicatet dina Kitab Kahirupan,


kabeh digebruskeun ka eta lautan
seuneu.
1 Geus kitu, simkuring ningal aya

21 langit anyar jeung bumi anyar. Ari


langit jeung bumi nu heubeul mah, geus
musna.
2 Breh deui, aya Kota Suci, nya eta

Yerusalem anyar keur diturunkeun


ti sawarga ku Allah. Geus saged
sapuratina, lir panganten awewe anu
midang keur panganten lalaki.
3 Ti lebah singgasana aya anu sasauran:

“Kiwari Bait Allah geus ngadeg di tempat


manusa. Di dinya Allah baris linggih
salalawasna nyarengan manusa, anu
geus diangkat jadi umat-Na.
4 Cipanonna dipupus ku Mantenna.

Paeh, kasedih, kapeurih, kanyeri, geus


hamo aya deui. Sagala nu heubeul geus
liwat.”
5 Nu linggih dina singgasana ngadawuh:

“Kabeh ku Kami geus dianyarkeun!”


Geus kitu, nimbalan ka simkuring:
WAHYU 21.6–11 65
“Tuliskeun! Sabab dawuhan Kami teh
saestuna pisan, layak dipercaya.”
6 Ngadawuh deui: “Kami teh Alif jeung

Ya: Nu Awal jeung Nu Ahir. Sakur nu


halabhab, ku Kami dibere nginum tina
Cinyusu Kahirupan, teu kudu mayar.
7 Sakur nu unggul, eta jadi putra

Kami; ari Kami, Allah anu disembah ku


maranehna. Kitu ganjaranana.
8 Sabalikna, anu lemah imanna, anu

henteu satia, anu masiat, nu maehan,


anu rucah, tukang sihir, nu nyembah
ka brahala, jeung tukang bohong
ganjaranana teh, nya eta lautan seuneu
walirang; tah eta, Paeh kadua teh.”
9 Salah sahiji ti malaikat nu nyarangking

tujuh pinggan balai anu panutup tea,


ngajak ka simkuring, saurna, “Hayu!
Urang nenjo panganten istri geureuha-
Na Anu ngagem gelaran Anak Domba
tea.”
10 Ti dinya, simkuring dibawa ku

pangawasa Ruh ka hiji puncak gunung


anu luhur kabina-bina. Breh ebreh
Yerusalem anyar, nya eta Kota Suci anu
diturunkeun ku Allah ti sawarga.
11 Endah taya papadana; ngempur

mancur ku kamulyaan Allah; gilang-


WAHYU 21.12–17 66
gumilang, lir mata berlian jeung permata
yaspis; ngeclong mencrang, lir kaca
kristal.
12 Kutana, nya kandel nya luhur, make

dua belas lawang anu dikawal ku dua


belas malaikat. Unggal tarang lawang
aya tulisanana, ngaran dua belas kaom
Israil.
13 Unggal pongpokna tilu-tilu lawang:

Tilu di wetan, tilu di kidul, tilu di kaler,


sarta tilu di kulon.
14 Pademen kuta, ngadegna dina dua

belas batu anu diukir ku jenengan dua


belas rasul-Na Anak Domba.
15 Malaikat nu ngajak ka simkuring

tea, mawa hiji tumbakan emas, pikeun


ngukur eta kota katut lawang-lawang
jeung kutana.
16 Bangun eta kota pasagi bener, ka

panjangna ka rubakna sarua. Sanggeus


ku malaikat diukur, panjangna aya dua
belas rebu istadi (sarebu lima ratus mil);
rubakna jeung luhurna oge sakitu.
17 Ari luhur kutana aya saratus opat

puluh opat asta. Ukuran anu dipake ku


eta malaikat, sarua jeung ukuran di
manusa.
WAHYU 21.18–24 67
18 Kutana tina inten yaspis. Kotana tina
emas duket anu ngagenclang.
19 Pademen tempat ngadegna, dihias

ku rupa-rupa batu anu marulya. Batu


pademen anu kahiji tina yaspis; nu
kadua tina nilem; nu katilu tina kalsedon;
nu kaopat tina jambrut;
20 nu kalima tina angkik; nu kagenep

tina yakut; nu katujuh tina krisolit;


nu kadalapan tina beril; nu kasalapan
tina ratna campaka; nu kasapuluh tina
krisopras; nu kasabelas tina hiyakin;
21 nu kadua belas tina kucubung. Ari

lawang-lawangna dua belasanana tina


mutiara, hiji lawang tina hiji mutiara.
Jalan-jalanna tina emas duket, herang
lumenggang.
22 Di dinya, teu aya Bait Suci; sabab Nu

jadi Bait Sucina, nya Allah ku manten, —


Nu Maha Kawasa — jeung Anak Domba.
23 Tur teu perlu panonpoe atawa bulan

sabab geus caang ku kamulyaan Allah.


Ari Anak Domba, ibarat lampuna.
24 Bangsa-bangsa bakal kacaangan ku

eta kota, raja-rajana bakal daratang ka


dinya bari marawa pangbakti.
WAHYU 21.25–22.3 68
25 Lawang-lawangna sapapanjangna
tara meundeut-meundeut; sabab di
dinya mah, teu aya peuting.
26 Bangsa-bangsa daratang marawa

rupa-rupa anu marulya.


27 Najan kitu, eta kota moal kaasupan

ku nu sipat najis, nu goreng lampahna,


atawa ku tukang bohong. Sabab anu
baris ka darinya teh, ngan anu ngaranna
aya dina Kitab Kahirupan nu dicangking
ku Anak Domba tea.
1 Geus kitu, malaikat teh

22 nuduhkeun walungan kahirupan,


anu matak hirup hurip; caina ngenclong
ngagenclang, lir kaca kristal; sirahna,
tina singgasana Allah jeung tina
singgasana Anak Domba;
2 Ngocorna, ngaliwatan tengah-tengah

kota; di sisina, kenca katuhu, aya


tangkal; eta teh tangkal kahirupan,
anu buahanana saban bulan, nya eta
sataun dua belas kali; daunna, bisa mere
kacageran.
3 Di eta kota, geus moal aya deui

anu kudu meunang la'nat ti Allah.


Warga-wargana ngabaraktina ka
Mantenna,
WAHYU 22.4–9 69
4 bisa ningal ka Mantenna sarta dina
tarang masing-masing aya jenengan
Allah.
5 Di dinya, geus taya peuting; teu perlu

lampu atawa panonpoe; sabab geus


caang ku kamulyaan Pangeran, Allah
nu disembah ku urang. Kabeh wargana
ngalalatur, — saperti raja-raja — pikeun
salalanggengna.
6 Saur malaikat tea ka simkuring:

“Ieu dawuhan teh saestuna pisan,


layak dipercaya. Pangeran, — Allah anu
maparin nyawa hirup ka nabi-nabi —
ngutus malaikat-malaikat-Na pikeun
ngumumkeun ka abdi-abdi-Na, nya eta
sakur anu baris kajadian sakeudeung
deui.”
7 Mangka waspada! Kami tereh datang.

Bagja pikeun jelema anu percaya kana


nubuwat-nubuwat anu ditulis dina ieu
Kitab! Kitu dawuhan Isa.
8 Eta kabeh, kadenge jeung katingal

ku simkuring. Tutas ngadenge jeung


ningal eta sakabeh; brek, simkuring
sideku ka eta malaikat, seja nyembah ka
anjeunna.
9 Tapi saurna, “Ulah kitu! Kaula oge

sarua ngabdi, sasama andika sarta


WAHYU 22.10–16 70
sasamana nabi-nabi, nya eta sakur anu
iman kana eusi ieu Kitab. Ngan Allah anu
wajib disembah!”
10 Saurna deui, “Nubuwatan-nubuwatan

dina ieu Kitab, ulah dirasiahkeun sabab


kabeh oge, geus meh kajadian.
11 Sing saha nu lampahna jahat,

mangka tetep dina jahatna; nu kotor


mangka tetep kotorna; sing saha nu
hade, mangka tetep hadena; nu suci
mangka tetep sucina.”
12 “Sing waspada! Kami tereh datang,

mawa ganjaran pikeun sakabeh,


satimpal jeung lampah masing-masing.
13 Kami teh Alif jeung Ya: Nu Awal jeung

Nu Ahir!” Kitu dawuhan Isa.


14 Bagja pikeun jelema anu pamakena

rapih beresih; manehna boga hak


ngadahar buah tangkal kahirupan
jeung meunang asup ka eta kota liwat
lawang-lawangna.
15 Sabalikna, anjing-anjing jarian:

Tukang-tukang sihir, tukang rucah,


tukang maehan, tukang nyembah
brahala, tukang wadul omong jeung
lampah, harirupna, di luareun eta kota.
16 “Kami Isa, geus ngutus malaikat Kami

ka maneh, nya eta pikeun ngembarkeun


WAHYU 22.17–21 71
ieu perkara di jamaah Kami. Kami sirung
turunan Daud; Kami, Bentang Timur nu
moncorong.”
17 Ruh jeung panganten istri tea

unjukan: “Nun sumangga, geura rawuh!”


Kitu deui sakur anu ngadenge ieu hal,
kudu ngucap: “Sumangga, rawuh!” Saha
bae nu halabhab, ka darieu. Sakur anu
harayang nginum, pek geura ngarinum
cikahuripan.
18 Simkuring, Yahya, seja ngomat-

ngomatan pisan ka sing saha bae anu


ngadenge nubuwatan tina ieu Kitab: Ulah
rek nambahan unina ieu Kitab; sabab
tangtu ku Allah ditambah hukumanana,
ku balai-balai anu ditulis di jerona.
19 Sabalikna deui, sing saha anu

ngurangan uni ieu Kitab, ku Allah baris


dicabut hakna; manehna moal dibere
bagian tina tangkal kahirupan jeung teu
meunang asup ka Kota Suci.
20 Anjeunna, Anu nyingkabkeun ieu

sakabeh, ngadawuh: “Saestuna pisan.


Kami tereh datang!” Leres pisan
satimbalan. Sumangga rawuh nun Gusti!
21 Mugi-mugi sih kurnia Isa, Gusti

Jungjunan urang, ginuluran ka


dulur-dulur. Amin!
Bahasa Sunda
==========

Sunda
IBS - Formal Version
(p) 2007 Hosanna
Website:
http://www.faithcomesbyhearing.com
© 1997 Indonesian Bible Society

http://www.bible.is/copyright?base=SUNIBSN

Anda mungkin juga menyukai