Anda di halaman 1dari 4

Allahu Akbar 3x Walilaahilhand

Hadirin Sidang Ied rahimakumullah


Ti danget wengi tadi, tos kadangu alunan takbir, tasbih, tahmid sareng tahlil tawis ungkapan syukur ka Allah
SWT wirehna urang sadayana parantos kenging kamenangan ageung saparantos ngajalankeun ibadah saum
sasasih lamina, urang sadayana nahan haus, dahaga, lapar, sareng hawa nafsu anu ngagudug pikeun
ngadekeutkeun diri ka Allah SWT.
Alhamdulillah urang sadayana tiasa ngalangkungan eta ujian kalayan ka ikhlasan.
Hadirin siding ied rahimakumullah
Urang sadayana salaku hamba Allah anu mawas diri, anu ngarti jeung ngaca kana dirina, pastina nyukuran kana
nikmat anu kalintang se eur na, bade eta nikmat sehat, iman, islam sakomo deui nikmat ditepangkeun deui
sareng Idul Fitri.
Allah parantos ngadawuh dina al qur an :

Anu hartosna : nikmat Kami nu mana nu rek dibarohongkeun

Hadirin sidang ied rahimakumullah


Alhamdulillah urang sadayana janten umat anu pandai syukuran sanes umat anu ngabohongkeun kanu tos
dipasihan ku Allah SWT.
Syukuran ku ucapan Alhamdulillah sareng syukuran ku bentuk ngalaksanakeun sagalarupi hal parentahna
sareng nebihan sagala rupi hal nu dilarang na eta the mangrupikeun bentuk syukur dina kanyataanana, numana
eta the bakal nguatkeun kayakinan urang yen Allah the memang Dzat nu Maha Kuasa.

Allahu Akbar 3x Walilaahilhamd


Hadirin Sidang Ied rahimakumullah
Aya peristiwa menarik nu 19 Abad kapengker, nyaeta nalika hiji waktos para Shohabat teu nguping naon naon,
naming Rasullullah SAW ngaos Aamiin 3x, sahingga hal eta the janten pertarosan kangge shohabat, para
shohabat naros, naha anjeun ngaos Aamiin 3x ya Rasullullah, Kanjeng Nabi Muhammad Ngawaler “Pikanyaho
ku aranjeun yen nembe the Jibril Ngado’a
Nu kahiji : yaa Allah, tong ditampi ibadahna Hiji anak anu teu bisa ngabakti kanu jadi indung bapa na, mangka
nabi ngaminkeun kana do’a eta
Nu kadua : yaa Allah, tong ditampi ibadahna orangtua anu teu boga rasa kanyaah sareng teu merhatikeun kanu
janten budakna, do’a eta ge baris diaminkeun ku Nabi Muhammad SAW.
Nu katilu : yaa Allah, tong ditampi ibadahna hiji istri anu teu bakti kanu janten carogena, do’a ieu oge
diaminkeun ku kanjeng nabi Muhammad SAW.

Allahu Akbar 3x Walillahilhamd


Hadirin siding ied rahimakumullah,
Manga urang sami-sami introspeksi diri, urang aku ku urang, naha urang nalika jadi budak teh tos bakti kanu
janten orang tua, karna ridha na orangtua teh syarat Mutlaq kangge kasuksesan urang sadayana oge sabalikna
benduna orangtua ngarupakeun bencana kangge kahirupan urang sadaya.

Manga urang emutan kapengker, dina nalika urang sadayana nuju alit keneh, teu daya teu upaya, naming ku
kanyaahna , maranehna ngais urang, ngadeudeuh ka urang, ngagedekeun urang ku pinuh rasa kanyaah.
Kumaha sabalikna, nalika kolot urang gering teu walakaya…? Apa sempet urang nengok… apa sempet urang
ngusap taarna tawis rasa nyaah…ngahuapan sareng ngagentos raksukanna nalika nju gearing teu walakaya.
Nagkeup pinuh ku kanyaah nalika awakna tos makin lemah taya daya… sapertos maranehna nangkeup urang
pinuh ku kanyaah pas waktu harita…..bahkan urang sok poho walau ku sakadar menta hampura kanu jadi indung
jeung bapak.

Allahu Akbar 3x Walillahilhamd


Hadirin Sidang Ied Rahimakumullah
Lamun urang janten orangtua, manga urang emutan, apa lleres urang tos merhatoskeun murangkalih urang,
masihan kanyaah nu bener, ngarahkeun sareng ngatik murangkalihna supaya janten murangkalih anu sholeh
tur sholehah…. Apa urang tos leres ngarahkeun ka jalan anu diridhoan ku Allah, atawa urang sadayana sama
sekali teu merhatoskeun nu janten murangkalih, sakomo deui dina Pendidikan Agama sareng pergaulan nana.

Allahu Akbar 3x Walillaahilhamd


Hadirin Sidang Ied Rahimakumullah
Upami urang janten Istri, apa urang the tos bakti kanu janten caroge sareng keluarga, heey para istri…. Caroge
anjeun teu peryogi kacurigaan, caroge anjeun mung peryogi do’akeun caroge anu nju nyiar nafkah,

Hadirin Sidang Ied Rahimakumullah


Salajengna, konsep ngaraih kabagjaan sakumaha Hadits Rasullullah SAW,
Upami Hoyong Kenging Ridhana Allah bagja di dunya sareng akherat, maka fahami sareng resapi Ilmu Agama
kalayan lurus, saling pikahormat antawis orangtua sareng budakna..pilari rizki nu halal tur barokah, hirup
sederhana, mawas diri sareng introspeksi kana setiap kakurangan sareng kalemahan urang sadaya.
Kabagjaan haqiqi nyaeta mangrupikeun nikmatna dikempelkeun sareng keluarga di Syurga
Allahuakbar 3x Walillahilhamd
Hadirin Sidang Ied Rahimakumullah
Manga urang sami sami manjatkeun Do’a Ka Allah SWT mudah-mudahan sagala rupi ibadah urang di bulan
Ramadhan Ditampi ku Allah SWT,
Manga urang sami-sami silih hapunten sareng urang jugjug kaberkahan, sahingga urang sadayana janten insan
anu Fitri, suci…

Anda mungkin juga menyukai