Anda di halaman 1dari 2

NAMA: SELIA PERMATA SUCI

KELAS: X AKUNTANSI
TUGAS WAWANCARA

TUJUAN : Ngeunaan tingkah laku Budak jaman ayeuna .


NARASUMBER
Nami : H.Mahbub Junaedi
UMUR : 71 Taun
ALAMAT : DUSUN NAGROG, DESA BATUKARAS, KECAMATAN CIJULANG
PROPESI : Pensiunan

TEMPAT JEUNG WAKTOS WAWANCARA


TEMPAT : RUMAH PA MAHBUB DI NAGROG
WAKTOS : DINTEN JUMAT KAPING 3 NOVEMBER 2017

WARTAWAN:”Assalamualaikum?”
NARASUMBER:”Waalaikumsalam WR.WB mangga kaleubet !!”
WARTAWAN:”Muhun pak haturnuhun”
NARASUMBER:”Muhun”
WARTAWAN:”Punten pa, abdi bd wawancara.aya tugas bahasa Sunda manawi bapa nuju nyalse,
kumaha kinten - kintenna ?”
NARASUMBER:”mangga!”
WARTAWAN:”Kumaha Penelaahan Bapa, Tingkah laku budak jaman ayeuna”.
NARASUMBER:”Muhun”.
WARTAWAN:”Nya pak,kuabdi bade di mulai pak,name lengkap bapa saha?upami bapa asli mana pa?
teras gaduh putra sabaraha?
NARASUMBER:”Nami bapa H.Mahbub Junaedi, bapa asli ti nagrog, sareng gaduh putra 3.”
WARTAWAN:”Padamelan bapa salain pensiunan guru Agama, naon deui pak?”
NARASUMBER:”Saukur petani”
WARTAWAN:”Langsung we nya pak kan topik anu bade di taroskeun”
NARASUMBER:” Mangga”
WARTAWAN:”Kumaha pandangan bapa tentang kalakuan budak jaman ayena ?”
NARASUMBER:”Barudak jaman ayena perlu pembinaan anu langkung sae,anu langkung bijaksana
kumargi kaayaan jaman semakin modern ,saingga mungkin barudak sesah diaturna atanapi sesah
disiplin na, urang nu jadi orang tua kedah leres – leres ngabinana jeung ngarahkeun anak .”
WARTAWAN: “Faktor naon wae anu ngaruh kana tingkah laku budak jaman ayena?”
NARASUMBER:”hiji pengawasan orang tua kurang disiplin jadi budak teh bakalan ngajalankeun
kagiatan anu menurut manehanana dianggap alus tapi menurut masyarakat sareng menurut orang tua
kagiatan anu samacam eta teu bener “
WARTAWAN:”Menurut bapa kamajuan teknologi ngaruh henteu kana tingkah laku barudak jaman
ayeuna?”
NARASUMBER:”100% ngaruh pisan, jadi budak teh kudu bener bener dipasihan pendidikan agama
supaya ngagaduhan vilter kanggo nangkis atawa ngaantisipasi kamajuan jaman ayeuna “.
WARTAWAN:”Akibat naon wae nu di timbukeun tina kalakuan bebas pisan?”
NARASUMBER:”Loba pisan, kedul ngapalkeun tuluy kedul diajar, bahasa kirang sopan, sareng
dandan kirang sopan”
WARTAWAN:”Panginten pargaulan jaman ayena sesuai teu sareng ajaran islam?”
NARASUMBER:”upami di persentase panginten pargaulan anak anak jaman ayena kurang sesuai ,
panginten seer anu kurang sesuai kana ajaran ajaran islam “.
WARTAWAN:”Hal naon wae anu nunjukkeun gorengna kalakuan budak jaman ayena?.
NARASUMBER:”Akhlak”.
WARTAWAN:”Gorengna kalakuan budak ayeuna ngaindikasikeun kiamat tos deukeut?”
NARSUMBER:”Menurut hadis rosull upami budak tos teu tiasa diarahkeun kana pendidikan anu
sesuai kana ajaran agama islam prediksi kiamat atos caket”.
WARTAWAN:”tiasa dicontokeun teu pak?”
NARASUMBER:”Bisa, saperti budak ka nujadi orang tua ngalawan,budak kakolot teh tos teu ya
upama etatah diantarana kiamat teh atos caket “.
WARTAWAN:”Naon dampak positif ti moderenisasi?”
NARASUMBER:”Teu aya, iwal jalmi anu ngarti kana agama,”
WARTAWAN:” Kumaha carana bergaul anu luyu sareng ajarn agama islam?”
NARASUMBER:”Pergaulan anu luyu kana ajaran islam diantarana urang kudu sering sering maca al-
qur’an, sareng kudu ngalaksanakeun solat ulah ditinggalkeun, sareng cariosan kedah sopan jeung
santun jeung tiasa milih sobat anu akrab”.
WARTAWAN:”Oh kitu nyah pak?”
NARASUMBER:”Mudah-mudahan urang bisa menaati sareng ngajapai cita-cita urang sadaya”.
WARTAWAN:”Mung sakitu wae pak, hatur nuhun kanggo waktosna hapunten bilih aya kalepatan!”
NARSUMBER:”Dihapunten pisan, diduakeun ku bapa mudah mudahan urang dina nyiar ilmu entong
milarian pekerjaan tapi pilarian elmu sabab jalmi nu milarian elmu bakal diangkat darajatna ku Allah
SWT,Amiin”.
WARTAWAN:”Nuhun pak, wassalamualaikum WR.WB”
NARASUMBER:”Waalaikumsalam WR.WB”.

Anda mungkin juga menyukai