Anda di halaman 1dari 4

Assalamualaikum Wr.

Wb

Alhamdullilahi Robil Alamin Wassolattu Wassalamu Alla Asrofil Anbiyai Warmursalin

Wa’ala Alihi Wasohbihi ajmain, amma ba’du.

Girang pangajen anu ku simkuring dipihormat,Bapa-bapak guru, ibu-ibu guru anu ku

simkuring dipihormat, rerencangan saperjuangan anu dipikacinta, hadirin anu dimulyakeun ku

Allah.SWT.

Langkung tipayun hayu urang sami-sami manjatkeun puji sinareng syukur ka Allah

SWT,nu maha gofur,kalayan Rahmat hidayah sareng inayah-Na, urang sadaya tiasa paamprok

jonghok patepang wajah dina raraga “ Lomba Biantara Basa Sunda” anu diayakeun ku panitya

Porseni Tingkat Kacamatan Mande.

Salajengna Solawat sinareng salam mugia dilimpahkeun ka jungjunan alam Nabi

Muhammad SAW, oge ka para kulawargana, para sohabatna, tug dugi ka urang sadayana salaku

umat anjeunna.

Girang pangajen anu kusimkuring dipihormat, dina kasempatan ieu sim kuring atas nami

Wawakil murid ti SDN Bobojong bade ngabantun tema “ Ngaronjatkeun Ajen Atikan” anu

judulna : Mangfaat Diajar.

Urang teh kudu diajar anu suhud sangkan kapetik hasilna ka ala buahna dimana urang

geus dewasa. Diajar teh mangrupa kawajiban unggal jalma ti barang lahir tepika samemeh

nemohan pati, sakuduna urang tetep sumanget pikeun di ajar. Ngabiasakeun resep diajar

tibubudak, tangtu gede mangfaatna, pikeun nyanghareupan tahapan kamampuh nyangkem elmu

pangawaruh. Luhur elmu, moal matak beurat mawa, sabalikna lamun urang ngedul kana diajar,

balukarna matak ngadatangkeun kasusah. Diajar teh seueur pisan rupina diantarana diajar maca

nu lancar, diajar nulis nu hade ipis kandel sareng ngitung anu bener. Istilahna jaman kiwari mah

Calistung.

Sim abdi bade ngawatesan perkawis tatakrama atanapi nyarita anu hade. Diajar basa nu

hade lamun keyeng mah urang bakal pinter nyarita. Tapi, pinter nyarita wungkul tacan cukup,

aya paribasa anu unina kieu “ Hade Tata hade Basa” malah sok dituluykeun hade gogog hade
tagog eta paribasa teh maksadna sami, nyaeta sopan santun. Janten, lamun nyarita teh urang kudu

make kasopanan.

Tetela pentingna kasopanan teh, lantaran eta hal ngagambarkeun jelema anu berbudi,

hirup bari hade tata hade basa, tangtu bakal ngangkat urang kana kamulyaan. Jelema mulya mah,

henteu diukur ku pangkatna atanapi hartana, tapina aya kutatakramana.

Kamulyaan teh, kudu diudag ku urang, salah sahiji carana nyaeta hade tata hade basa tea.

Kamulyaan teh teu ukur manfaat di dunia tapina oge janten amal ibadah dugi ka akherat.

Rupina mung sakitu nu kapihatur, “ Langkung saur bahe carek bobot sapanon carang

sapakan, omat ulah janten gantar kakaitan catang supaan”.

Bilih aya pisanggem anu henteu meureunah simkuring neda dihapunten.

Akhirul kalam,wabilahi taufik wal hidayah ,Wassalamuaalaikum Wr.Wb


BIANTARA BASA SUNDA

Tema : Ngaronjatkeun Ajen Atikan

Judul : Mangpaat Diajar

Nomor Peserta : 25

Nama : ALFI NURHASANAH

Sekolah : SDN Bobojong


Assalamualaikum Wr. Wb

Warta berita dina bahasa Sunda


Wartos-wartos anu parenting diantawisna “Pamekaran Desa di Desa Bobojong”
Pamekaran Desa anu aya di Desa Bobojong, di pupuhuan ku BPD sareng staf desa oge

dirojong ku topkoh-tokoh sareng masyarakat. Ningal kana luas sareng jumlah penduduk atos

luyu eta desa dimekarkeun. Dina pagempugna eta musyawarah dina dinten minggu, kaping 7-2-

2010 di eta musyawarah teh disakseni ku staf desa, tokoh-tokoh sareng masyarakat. Anu hasilna

nangtuken wates-watesna sareng ngaran desa.

Anu desa asal angeur Desa Bobojong watesna antara Kampung Batulayang dugika

Kqampung jembatan dua.

Anu anyar ngaran desana Desa Jangari anu watesna Kampung Jamatan dua dugi

kakampung laut Jangari.

Eta pangajuan pamekaran teh tos dugi katingkat Kabupaten ayeuna nuju digojlog di

dewan Kabupaten Cianjur. Anu mudah-mudahan jungkrung dugi karengsena tur luyu sareng

cita-cita masarakat Bobojong.

Mungsakitu berita anu katampi dina dinteun ieu, insaAlloh dina waktos anu sami urang

tiasa teupang deui tur dina berita anu engal.

Anut mundur, amit mungkur.

Wassalamualaikum Wr.Wb.

Anda mungkin juga menyukai