Anda di halaman 1dari 2

Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.

Nepangkeun Nami Abdi (....) Nami Abdi (...) simkuring saparakanca salaku pangjajap acara
final lomba mojang jajaka SMAN 1 Banjar Tahun 2022.

abdi bade ngadugikeun runtuyan acara final lomba mojang jajaka SMAN 1 Banjar Tahun
2022
Nu kahiji,nyaeta Bubuka
Nu kadua, panganteur ti girang panata calagara Mojang jajaka
Nu katilu ,Panganteur ti Ketua BPH OSIS SMAN 1 BANJAR
Nu kaopat, pangbagea ti wakasek kesiswaan
Nu kalima, persiapan kangge catwalk
Nu kagenep, catwalk sareng sesi tanya jawab
Nu katujuh, isoma (istirahat sholat dan makan)
Nu kadalapan, lajengan catwalk sareng sesi tanya jawab
Nu kasalapan,reureuh
Teras pamungkas,, bewara kajuaraan sareng panutup

Sateuacan acara dikawitan hayu urang sasarengan macakeun basmallah Sasarengan


Bismillahirrahmanirrahim

Puji sinareng syukur urang panjatkan kahadirat Allah SWT anu maha ghofur anu teu kendet
kendet urang kedah bersyukur,teu hilap shalawat sareng salam urang lelerkeun ka
jungjunan alam nabi Muhammad SAW. ka kulawargina, para sohabatna, sareng ka urang
sadaya salaku umatna. Aamiin ya rabbal alamin.

Nu dipihormat bapak kepala SMA Negeri 1 Banjar


Nu dipihormat bapak sareng ibu guru
Nu dipihormat alumni mojang jajaka SMAN 1 Banjar
Nu dipikareu’eus para pamilon final lomba mojang jajaka SMAN 1 Banjar Tahun 2022

Acara salajengna nyaeta panganteur ti ketua BPH OSIS SMA Negeri 1 Banjar. (…..) waktos
sinareng tempat disayogikeun,hatur nuhun ka pangersa (….) anu parantos ngadugikeun
panganteur.

Acara salajengna nyaeta pangbagea ti wakasek kesiswaan. Ka pangersa bapak Ade Rudi
Herdiana S.Pd M.Pd waktos sinareng tempat disayogikeun,
hatur nuhun ka pangersa bapak Ade Rudi Herdiana S.Pd M.Pd anu parantos ngadugikeun
pangbageana

Acara salajengna pangbagea ti kepala SMA Negeri 1 Banjar. Pangersa bapak Barnas S.Pd
M.Pd waktos sinareng tempat disayogikeun.
Hatur nuhun ka pangersa bapak Barnas S.Pd M.Pd anu parantos ngadugikeun pangbagea
na

Acara salajengna nyaeta persiapan kangge catwalk. Ka sadaya panitia sareng pamilon
sapados persiapan.
Acara salajengna nyaeta catwalk sareng sesi tanya jawab pikeun pamilon lomba mojang
jajaka SMAN 1 Banjar Tahun 2022

kumargi waktos parantos tabuh 11.45 janten acara sementawis dijeda kangge ISOMA,
Acara bade dilajeng deui tabuh 12.30 sareng ka sadaya hadirin diipiharep pikeun wangsul
deui ka patempatan

acara di kawitan deui kangge salajengna nyaeta lanjutan catwalk sareng sesi tanya jawab
pikeun pamilon lomba mojang jajaka SMAN 1 Banjar Tahun 2022

kumargi waktos parantos tabuh 14.30 janten acara sementawis dijeda pikeun reureuh.
Acara bade dilajeng deui dina tabuh 15.00 ka saday hadirin dipiharep pikeun wangsul deui
ka patempatan.

Teu karaos ayeuna tos dugi di akhir acara anu diantos antos nyaeta bewara kajuaraan
sareng panutup

Alhamdulillah acara katut acara parantos dilaksanakeun,hatur nuhun ka sadaya


hadirin anu sami darongkap simkuring saparakanca salaku pangjajap acara nuhunkeun
dihapunten tina samudaya kakiranganana, hatur nuhun tina sagala perhatosanana.

Wabilahitaufik walhidayah wassalamu'alaikum

Anda mungkin juga menyukai