Anda di halaman 1dari 12

MAKALAH B.

SUNDA

PANUMBU CATUR
Kelompok 4

Nama : Anti halimah


Bagus rahmat fauzi

Fitri hanifah

Kustiani sabela

Restu safitri

Rizki ramdani

Sri sagita
Puji sinareng syukur urang ronjatkeun kehadirat Alloh SWT anu tos
masihan rahmat sarta karunia-na kaurang sadaya anu alhamdulilah tiasa
ngarengsekeun ieu Makalah dinawaktuna anu di judulan "PANUMBU
CATUR" Makalah ieu eusina ngeunaan kumaha sangkan nonoman cara
ngajaga kalestarian leweung .
Diharepkeun Makalah ieu tiasa masihan informasi ka urang sadayana
ngeunaan kumaha sangkan masarakat sadar pentingna ngajaga
kalestarian leweung téh,makalah ieu jauh kénéh ti sampurna,kualatan
éta kritik sarta saran ti sadayana pihak anu sifatna ngawangun abdi
sareng rerencangan ngantosan usulana demi kasampurnaan makalah
ieu.Ahir kecap, hatur nuhun. Mugi Alloh SWT ngaridoan sagala usaha
urang.Amin.

panganteur
Pangeusi
BAB I BUBUKA
A. Kasang Tukang
B. Rumusan Masalah

BAB II

A. eusi
B. naskah sawalasna

BAB III PANUTUP

a. Kacindekan na
b. Saran
1 BUBUKA
A. KASANG TUKANG
B. RUMUSAN MASALAH
2 A. EUSI

 PANYUNGSI BASA

Padika sawala

Sawala tawa diskusi teh kegiatan ngebrehkeun pamadegan


ngenyaan perkara atawa masalah sangkan bias netepken kumaha
pialuseunnana. Jenis sawala nyaeta :

1. Seminar
2. Simposium
3. Sarasehan
4. Loka karya
5. Sangar gawe ( workshop )
6. Muktamar
7. Konferensi
8. Sawala ( diskusi) panel
9. Sawala kelompok

Biasana sawala teh diiluan ku sababaraha urang pamilon


(peserta).Ku kituna dina sawala sok aya nu mingpina anu disebut
panumbu catur (moderator) lian ti panumbu catur dina sawala ge
alus namah aya kabagean jadi girang serat (notulen) sangkan hasil
sawala teh aya nu nyatetkeun. Girang serat ge bisa wae nga rekam
kagiatan sawala. sacara umum, galur kagiatan sawala teh aya Lima
bagean :

1. Bubuka ti panumbu catur


2. Pedaran pangjejer
3. Kagiatan Tanya jawab
4. Nyusun kacindekan hasil sawala.
Lian ti eta aya sawatara pancen pokok diantarana

1. ngatur waktu sawala jeung nepikeun perkara anu dek di


perkarakeun

2. ngatur sasahana anu dek mairan atawa cumarita nepikeun


pamanggih dina sora

3. ngerenken pamilon sawala anu nyaritana teu muser

4. capetang nyarita ngagunaken bahasa sunda anu merenah

5. boga kaweruh ngenaan perkara anu di sawalakeun

6. kudu adil mere kasempetan kasakabeh pamilon soara

7. kudu mibanda sikep sopan

8. nyusun kacindekan sawala

9. nutup acara sawala

Sangkan paguneman sawala teh bias lumangsung kalawan lancar


aya sawatara tatakrama anu kudu diestokeun , diantarana wae :

1. Kudu apal carana jeung iraha waktuna motong omongan


batur
2. Kudu sopan dina ngedalkeun kateupanujuan atawa
kateusugemaan
3. Ulah megat atawa motong omongan batur
4. Ulah ngomong nyorongot bari popolotot
5. Ulah haharewosan duaan ditengah paguneman
6. Mun nu sejen nyarita kudu daek ngahaminan
7. Tembongkeun rasa resep atawa teu resep sawajarna
8. Singkahan jejer (pasualan) anu sifatna pribadi
9. Atur bedas launna sora sing merenah
10. Ulah pacental atawa adu renyom nepi ka pasea
11. Ulah api lain kanu anyardatang kana riungan
12. Omongan ulah matak jaheut atawa eraeun batur

Saenggeus nengetan tatakrama dina sawala, iyeu dihandap di


pedar ngenaan pancen panumbu caatur, girang serat, pangjejer
jeung pamilon

(a) Pancen panumbu catur

Panumbu catur (moderator) teh jalma anu ngatur heula panderina


omongan unggal pamilon diskusi waktu cacarita.

(b) Pancen girang serat

Girang serat atawa notulen teh jalma anu pancena nyatet inti sari dina
eusi pedaran diskusi.

(c ) pangcen pangjejer

Pangjejer dina diskusi teh jalma anu mibandaa pancen pikeun nepikeun
jejer pedaran pamilon. Lamun pangjejer anu anyar pinangih, ilaharna
diwanoh keun heula perkara riwayat hirupna kalawan singgt.

( d) pancen pamilon

Pamilon atawa peserta diskusi teh jalma anu ngiluan kana kagiatan
diskusi
 Panggelar basa
Metakeun panumbu catur dina debat
 Pangjember basa
1. Debat

Debat atawa papaduan teh mun dihartikeun mah nyaeta kagiatan


ngadu pamadegan (argumentasi) antara dua pihak atawa lewih boh
mandiri atawa kaelompok anu tujuanna pikeun nyawalakeun atawa
ngarengsekeun pasualan. Ku kituna, dina debat aya kelompok anu pro
jeung aya kelompok kontra.

Kulantaran dina debat the aya kelompok pro jeung kelompok kontra,
perlu ayana panumbu catur.panumbu catur teh jelma anu boga
wewenang keur ngatur lumangsungna debat. Panumbu catur mangrupa
wasitna debat. Ku kituna, panumbu catur teu menang mihak ka
salasahiji pangjejer debat, kelompok pro atawa kelompok kontra.

Ari pancen panumbu catur teh , di antarana wae:

a. Muka jeung nutup forum debat


b. Ngatur lalu lintas atawa giliran saha-sahana anu kabagean kudu
nyarita atawa ngasongkeun pamadegan
c. Ngeureukeun acara debat mun para pangjejr nyaritana ka luar
tina materi debat
d. Ngahirupkeun suasana debat sangkan pikaresepkeun
e. Nyaita make bahasa sunda anu bener tuh mernah

Ari pamilon debat disebutna pangjejer atawa pamidang. Biasana aya


anu kabagean jadi kelompok pro, aya oge nu kabgean jadi kelompok
kontra. Pangjejer boga hak pikeun nepikeun pamanggihna. Kitu deui,
boga hak pikeun mairan pamnggih ti pangjejer sejen.
(a) Neupikeun pamadegan ngeunaan pasualan nu didebatkeun;
(b) Nempas atawa mairan pamadegan ti pangjejer sejen nu teu
sapaham
(c) Ngagugu kana aturan anu ditepikeun ku panumbu catur
catur.
(d) Nyarita make basa sunda anu bener tur merenah.
(e) Nyarita ulah bari morongos,popolotot,jeung tutunjuk,bari
teu sopan;
(f) Lamun ngarasa eleh pamadegan,ulah ngahina pangjejer sejen.

Di lingkungan sakola so kaya anu di sebut debat kompetitif, nyaeta


kagiatan debat anu ngahaja dipasanggirikeun. Di Indonesia aya
kejuaraan debat sekolah nasional (bahasa inggris national schools
debating championship-NSDC),nyaeta pasanggiri debat parlementer
tingkat SMA sa-indonesia.

Dina widang bhsa Indonesia,kiwari kamentrian pendidikan dan


kebudayaan RI,unggal taun ngayakeun lomba debat bahasa Indonesia
(LDBI) antara siswa SMA saindonesia.anu kriteria menteunna saperti
kieu:
Aspek ciciren
eusi Logika argumentasi atawa pamadegan anu ditepikeun ku
patandang debat kudu weuweud,basana bener tur merenah,
tur dina ngawada (menyanggah) pamadegan lawan teh
kapeunteun luyu tur keuna kana ngamaksud.
gaya Gaya teh hartina patandang debat dipeunten kumaha
nembongkeun katapis jeung kaparigelan nana dina nyarita,
rigig awak, paroman, cara neuteup, tur cara nepikeun
pamadegan nana.
strategi Strategi teh hasilna patandang debat bias ngatur atawa
ngamangfaatkeun waktu nu di sayogikeun ku girang pangajen.

Lian ti debat pasanggiri,aya oge nu disebut debat parlemen.nu debat na


tara lian anggota legislatif (DPR/MPR) dina nangtukeun hiji
putusan.Tempatna oge biasana digedong parlemen.Lamun diakhir
debat eweuh putusan wae biasana sok dicindekeun ku jalan
voting(pungutan sora).

2.Nitenan pamadegan dina debat

Jejer:pentingna program rebo nyunda

Patandang pro(sapuk)

Patandang kontra (ngawadal)

3.ngayakeun debat
4.ngalarapkeun kecap barang jeung kecap sifat

Kecap barang nyaeta sakur kecap anu di pake pikeun nuduhkeun


barang jeung naonnaon anu di anggap barang. Contona
asep,anjing,kiara,cai,ragaji, kota bandung jeung kamis.

Kecap baraang mibanda ciri-ciri nu tangtu, di antarana wae :

1. Kecap barang bisa di piheulaan ku kecap bilangan:


Dua jalma
Lima boboko

2.kecap barang bisa dipiheulaan ku kecap pangantet

Di bandung

Dina meja

3.Kecap barang bisa dituturkeun ku kecap sipat

Budak cilakan
Tangkal jangkung

4.kecap barang bisa nyicingan fungsi jejer jeung obyek :

Ade meuli buku .

Ibu di panggaleuhkeun sinjang ku teteh

Ari kecap sipat atawa kecap kaayaan,nyaeta sakur kecap anu di pake
nuduhkeun sipat atawa kaayaan hiji barang .contona
geulis,beureum,amis, jeung panjang .

Kecap sipat mibanda ciri ciri :


 Kecap sipat nuduhkeun sipat atawa kaayaan
 Kecap sipat bisa nuturkeun kecap barang,anu di sela ku [a]
nu :

Buku anu alus

Tali anu panjang

 Kecap sipat bisa dipiheulaan ku leuwih, pohara…-na:


Leuwih alus
Pohara alusna
 Kecap sipat bisa dituturkeun ku pisan, temen, kacida :
Pinter pisan
Alus temen
 Kecap sipat bisa dirarangkenan sa-R-na:
Saalus-alusna
Sagancang-gancangna.

Anda mungkin juga menyukai