Kabayan : “Hoam... aduh meni tararunduh kieu euy! Sare deui ah”
Abah : “Kabayan! Astaghfirullah’adzim.. naon wae gawe maneh teh? Pagawean ngan saukur hees,
dasar pangedulan!”
Abah : “Eh kabayan! Maneh teh rek kikituan wae? Cik atuh siga batur, gawe, ikhtiar. Kumaha lamun
si Iteung kalaparan?”
Kabayan : “Nya, bah, apan abah bapan si Iteung,bere dahar weh ku abah”
Abah : “Yeh nya! Apan si Iteung geus dikawinkeun jeung maneh, meni teu tanggung jawab siah dasar
borokokok!”
Kabayan : “Tenang atuh bah, tenang. Apan kuring rek jadi presiden”
Abah : “Eh siah kabayan! Tong loba ngimpi! Gawe heula maneh teh, ti baheula ngan saukur hees,
molor jeung sare. Jadi president mah kudu pinter, jujur”
Kabayan : “Ah eta mah abah weh nu teh gampil. Da kuring mah gampil”
Abah : “Dasar borokokok! Kabayan! Jadi pamingpin teh kudu jujur, pinter, bisa ngalayanan rakyat.
Ulang jadi sampah rakyat. Keur naon atuh maneh jadi presiden lamun tetep rakyat miskin, harga-
harga nararaek, sakola mararahal. Mun maneh jadi presiden, nu sakolana teu bener, ngerakeun
urang sunda atuh kabayan”
Kabayan : “Atuh abah, nu penting mah kuring jadi presiden. Nya abah mah cukup jadi lurah wae lah,
hehe”
Abah : “Yeuh, ai ngupruk teh salah sahiji karakter pamingpin sunda jaman buyut. Hartina mun urang
sunda jadi pamingpin bisa nyenengkeun rakyat lain kalah ngarugikeun rakyat”
Kabayan : “Ah, si abah. Sok atuh bah naon deui bah, naon deui?”
Abah : “Dina naskah sunda kuno anu disebut Sanghiyang Siksa Kandang Karesiden nu disingkat jadi
SSKK, eta pisan aya fakta yen karakter pamingpin sunda teh kudu adil, demokratif jeung anti korupsi,
anu pernah dicontohan ku pamingpin sunda jaman baheula nyaeta Prabu Siliwangi”
Kabayan : “Ah abah, da kuring mah teu wawuh ka Prabu Siliwangi, saha Prabu Siliwangi teh? Kuring
mah ngan wawuh ka Abah, ambu, jeung si Iteung, geus kitu wae”
Abah : “Yeuh kabayan, mun haying jadi president eh kudu hade, ulah make cara-cara anu
ngarugikeun batur”
Kabayan : “Moal abah, moal ngarugikeun batur. Paling ngarugikeun abah jeung ambu weh, hehe”
Abah : “Ai maneh borokokok! Jadi pamingpin teh kudu silih asih, silih asah, jeung silih asuh. Tong
hayang jadi pamingpin anu ngabohongan batur, ngadzoliman batur, ngagogoreng batur. Kawalat
siah!”
Kabayan : “Ah abah, mending ngagogoreng batur tibatan ngagogoreng sorangan mah atuh abah”
~~~~~
Wargas : “Hidup!”
Iteung : “Sodara-sodara, lamun kang kabayan jadi presiden, warga Lembur Kuring unggal poe dibagi
nasi bungkus!”
Wargas : “Hore!!”
Ambu : “Ibu-ibu, bapa-bapa nu aya didieu. Lamun si kabayan jadi presiden, kabeh warga Lembur
Kuring lamun nyakolahkeun anakna, gratis! Teu kudu mayar!”
Warga 1 : “Wah? Nu bener ambu? Lamun kitu mah rek nyoblos si kabayan, ah!”
Wargas : “Hidup!”
Iteung : “Lamun kang kabayan jadi presiden, warga Lembur Kuring dijamin adil”
Ambu : “Eh, lain kitu atuh Iteung. Kieu, sagala warga anu korupsi bakal diasupkeun ka panjara, iwal si
abah. Abah mah teu nanaon korupsi ge”
Warga 2 : “Ah ambu, eta mah sarua keneh atuh. Ngeunah si abah”
Iteung : “Eh ambu, keun bae si abah di panjara oge. Urang jadi bisa jalan-jalan ka Bali”
Ambu : “Ulah atuh Iteung! Abah ulah di panjara, meureun ambu sorangan mun kitu mah”
(Abah datang)
Abah : “Mana si kabayan? Rek si kabayan jendral, presiden, tetep weh abah mah bapana si iteung.
Ku abah rek dipecat jadi presiden. Yeuh ayeuna mana si kabayanna?”
Abah : “Tah siah meni wani-wani teuing rek ngasupkeun abah ka panjara.”
Abah : “Yeuh kabayan, kajeun maneh jadi presiden tapi maneh teu meunang ngaremehkeun kolot.
Ari budaya Indonesia mah yen mitoha teh kudu dipihormat ku sakabeh minantu.”
Abah : “Eh borokokok siah! Lamun maneh tetep rek menjarakeun abah, kuring laporkeun siah ka
KPK!”
Abah : “Papanjangan dari KPK teh nyaeta Kerjasama Presiden jeung Koruptor.”
Abah : “Yeuh kabayan, moal mungkin atuh si Jayus bisa jalan-jalan ka Bali mun teu kerjasama jeung
presiden mah.”
Abah : “Yeuh, ayeuna abah rek nanya ka maneh. Naha maneh masih tetep rek menjarakeun abah?”
Kabayan : “Nya lamun misalna abah korupsi nya tetep weh ku kabayan dipenjarakeun.”
Abah : “Yeh teu bisa atuh dasar maneh borokokok! Sodara-sodara saluruh warga lembur kuring
dangukeun ayeuna abah rek macakeun surat kaputusan.”
Warga 1 : “Surat Kaputusan naon abah?”
Warga 2 : “Nya abah Surat Kaputusan naon eta teh? Surat lamaran? Surat dinas? Atawa surat cinta?”
Abah : “Yeh lain atuh, abah rek macakeun surat yen presiden lembur kuring ayeuna teh, nyaeta si
kabayan ku abah dipecat. Kusabab tos ngalanggar etika nu aya, manehna tos nyepelekeun
abah salaku mitohana.”
Abah : “Tah kabayan denge! Ayeuna maneh tos dipecat jadi presiden!”
Kabayan : “Har ari abah, kuring mah nya jadi presiden ge acan, karek oge kampanye.”
Abah : “Hey sodara-sodara warga lembur kuring tos ayeuna mah tong milih si kabayan. Bubar
ayeuna mah.”
(Bubar)
(chaya-chaya)
Omama : “Assalamu’alaikum”
Wargas : “Waálaikumsalam”
Omama : “Pertama tama, ai bade ngumumkeun ka sakabeh warga lembur kuring upami you, you,
and you aya nu jadi teroris, pasti ai bom saperti Orama bin Laden. You understand?”
Warga 1 : “Malahan juragan, duitna dipake ngabangun gedung DPR. Baraha coba juragan? 1.6 Triliun
juragan!”
Warga 2 : “Bener juragan, duitna ge dipake meuli pulsa. Saurangna dibere 14 juta sabulan, juragan”
DPR 1 : “Bae weh atuh, nu penting mah hepi-hepi-hepi!”
Warga 1 : “Tah kitu juragan anggota DPR teh, mun keur rapat ge nongton film porno, juragan”
Omama : “Heh bebenyit! Tong raribut didieu! Hayang di bom saperti Omasa. You understand?!”
DPR 2 : “Ampun juragan. Ulah di bom atuh, abdi masih hayang kawin sirih deui, juragan”
Abah : “Juragan mister, hayu atuh gening acara teh dimulai wae? Kunaon atuh Presiden SBK teh can
keneh datang?”
Iteung : “Ai presiden SBK teh saha abah? Meni pondok kitu ngaranna”
Abah : “Deuh ari maneh iteung, presiden SBK teh presiden lembur kuring nyaho. Eta teh singkatan
tina Susilo Bambang Kekeremed anu asalna tina partai ontohod, nyaho”
Omama : “Kurang ajar si SBK! Ai sudah jauh-jauh datang ka dieu tidak disambut?”
Omama : “Ai datang ka dieu, mau makan nasi goreng tau. Si SBK janji mau ngasih nasi goreng nu
ngeunah tapi kalah teu datang”
Omama : “Heh Urip! Sudah ai kata you jangan ‘hahahaha’ lagi! You teroris ya?”
Abah : “Bener juragan mister, eta teh hartina si Mbah Urip ngaledek juragan mister!”
DPR 1 : “Jadi kumaha juragan mister, presiden SBK dipecat weh juragan mister. Kumaha?”
Ambu : “Bener juragan mister. Pecat weh presiden SBK, sok ngabohong jeung mere jangji ka
masarakat”
DPRs : “Satuju!!”
Omama : “Hm.. Saha wae nu bisa nyieun nasi goreng nu ngeunah, bakal ai angkat jadi presiden
Republik Lembur Kuring”
Abah : “Mun kitu mah si iteung, juragan. Si iteung jagoan pisan nyieun nasi goreng kitu mah”
Omama : “Hah, si iteung?! Jadi bener si Iteung bisa nyieun nasi goreng nu ngeunah?”
Omama : “Kajeun si kabayan tukang molor, tukang sare jeung tukang hees, tapi sabab si kabayan
suami na si iteung, tetep bakal ai jadikeun presiden Lembur Kuring”
(Omama bisik-bisik ka Briptu Norma mere titah mere amplop ka anggota DPR)
DPRs : “Satuju!!”
(narunduk)
Abah : Ambu, pang panggilkeun si kabayan atuh pan rek dijadikeun presiden”
~~~
Iteung : “Geura hudang akang, akang teh rek diangkat jadi presiden”
~~
Omama : “Yes, bener pisan. You bakal diangkat jadi presiden Lembur Kuring”
DPRs : “Satuju!”
Omama : “Sabab si iteung pinter nyieun nasi goreng, si iteung bakal dijadikeun istri sirih, ai mau
bawa si iteung ka Amerika.”
DPRs : “Satuju!”
Kabayan : “Ke ke ke, dedengean tadi si iteung rek dijadikeun istri sirih ku juragan mister?”
Abah : “Keun wae atuh kabayan. Abah pan jadi boga minantu ti Amerika, jadi beunghar. Maneh jadi
presiden lembur kuring, keun wae atuh kabayan”
Kabayan : “Teu bisa abah! Teu bisa! Si iteung teh geus resmi jadi pamajikan urang, geus dikawin
resmi jeung urang. Ieu mah lain heuheureuyan, abah. Heh Omama! Silaing teh geus ngahina urang
sunda, ngarti?!”
Omama : “Ngahina kumaha kabayan?! You tidak takut sama ai? Ngke Republik Lembur Kuring bakal
hancur jadi abu, lamun maneh berani sama ai!”
Kabayan : “Heh Omama! Uing mah teu sieun ka maneh! Uing ge nyaho maneh mah pengecut, wani
na maen keroyokan wae. Ngabawa batur, nya si Inggris, si Perancis, si Jerman”
Kabayan : “Heh Omama! Si SBK mah lain urang sunda. Yeuh kenalkeun, uing kabayan, turunan ti
karajaan Padjadjaran, ngarti maneh? Tibatan diinjek-injek jadi urang sunda, mending urang perang
jeung Amerika. Hey urang sunda! Urang perang bubad jilid ka tilu!”
Kabayan : “Saudara-saudara warga Lembur Kuring, ayeuna Kabayan geus jadi presiden. Jadi maraneh
ayeuna kudu patuh ka parentah kaula. Satuju?”
Wargas jeung DPRs : “Satuju! Hidup kabayan! Hidup kabayan! Hidup kabayan!”
Kabayan : “Jadi program salanjutna sakaligus program nu paling utamana, nyaeta hees alias molor”
(Kabayan sare, tiba-tiba aya teroris mawa bom buku. Warga raribut)
(Briptu Norma ngajinakkeun bom tapi teu bisa, sakabehna maot ditempat, iwal abah jeung kabayan)
Kabayan : “Aduh gusti.. Kunaon abdi teh jadi kieu atuh. Kahayang mah jadi presiden kalahka ngan
mimpi hungkul lain kanyaanan”
Abah : “Tah siah kabayan, karasa ayeuna mah hirup maneh teh ngan beuki sare, hees jeung molor
weh. Maneh teh urang sunda kabayan, jadi urang sunda teh tong saukur hees, molor, jeung sare.
Mun hayang jadi pamingpin teh kudu ikhtiar, berjuang, sakola anu jucung. Tong kana hees wae,
ibadah nu bener nyaho!”
Abah : “Yeuh kabayan, lamun maneh ngarasa jadi urang sunda, lamun maneh haying jadi presiden,
maneh kudu ka jalan anu bener. Kudu ngelmu, kudu ningkatkeun kamapuan maneh, kudu hade
kalakuan jeung kudu hade ka masarakat, kabayan. Ulah kieu, hayang jadi kabayan kalahka mitnah
ngagogoreng batur, ngaprovokasi babaturan”
Abah : “Heh kabayan, maneh teh urang sunda. Jung geura nangtung, tincak taneuh sing hade.
Ngerakeun ti baheula presiden teu aya nu urang sunda, da urang sunda jaman ayeuna mah mun
ningali batur nu leuwih hade teh sok sirikan, sok haying nyilakakeun. Meni hese ngagalang
persatuan”
Kabeh pemeran : “Urang sunda ulah hees, sare jeung molor wae. Tahun 2017 presiden republic
Indonesia kudu urang sunda”
-TAMAT-