Anda di halaman 1dari 4

Fghhh

SABDA PANGANDIKA KARUHUN

PRABU SILIWANGI SRI BADUGA MAHARAJA

Ajaran ti para luluhur kudu di jungjung Supaya urang moal kadatangan musuh,

Laskar atawa penyakit batin

Jeung urang bakal sejahtera

Anu teu sejahtera anu sarakah

PRABU LINGGAWASTU

Elmu teu beunang di ganggu

Silih cela di pahing

Sing saha anu nyela

Sidik eta jalma can nyaho kana diri Bakal cilaka ku polahna

PRABU TAJIMALELA

Sideku sinuku tunggal mapat pancadriya sumanget ka sumedangan, tara ngukut kanti risi tara
reuwas ku beja

Sikepna titih carincing jauh tina hiri dengki

Nyekel teteken anu luhung

Gagah bedas tanpa lawan

Handap asor hade budi

Kasabaran nyata elmu katunggalan

PRABU GAJAH AGUNG

Ulah gancang teuing sanggup

Mun teu tunggal rasa moal laksana ngajadi.

Reujeung ulah waka nyaur pikir heula jero ati


Pada pada sasauran mudu bener masing sidik tunggalkeun ati jeung rasa

RATU INTEN DEWATA

Lamun rupa urang katingali

Kalangkang jeung nu ngeunteung

Teu beda jeung diri sakucur

Tingkah polah jadina puji

Puji nu muji urang

Jeung sagala saur

Muji nu muji urang

Jeung sagala saur

Muji nu muji urang

Indit diuk leumpangna jadi pa muji

Puji nu muji urang

PRABU GEUSAN ULUN

Melak lauk dina cai

Di Sagara warna rupa

Teu dahar anjeuna teh

Ngan daek bae melakna

Nu neda sero jeung jalma

Dina bumi ge nya kitu

Pepelakan warna rupa

Ulah ngomong nu teu hasil

Nyaah bisi ragragan kana suwung eta omong

Masing sieun ku antara

Dicokot deui teu beunang

Nya ngupat badan sakujur

Sing bener kuat kaitna

PANGERAN SUGIH
Ngaran caang manahan sing yakin

Dina eta teh tempatna nu ngarawat ati

Deukeut tapi jauh

Sok patepung teu ngahiji

Reureujeungan sok pisah

Patepung di alam suwung

Eta poma sing kamanah

Seug raoskeun pikeun milu kana ahir , marifatna sing keuna

PANGERAN KORNEL

Sategesna poe panganggeusan

Sirnaning alam sakabeh

Poe kiyamat mashur,

Nya adegna diri pribadi eta

Dunya akherat

Sakabeh kumpul dianggangkeun

Anggang lamun deukeut tangtu jadi jauh deukeut teu anggang

PANGERAN SANTRI

Ngaji ulah jauh dina diri

Ulah anggang dina badan

Muncang labuh ka puhu

Kebo mulih pakandangan

Sing sidik kana tantungan

Panggihkeun wujudna amis

MBAH JAYAPERKOSA

Salira jatining suwung

Ari suwung tangtu sepi

Sepi teh tegesna ilang

Ari ilang teu ningali


Tegesna sing taliti

Lamun tacan padang.

Anging nu kersa pribadi

Muncang labuh kapuhu

PANGERAN MEKAH

Di tiung samemeh hujan

Manusa kudu cicing dina rasa jeung

rumasa

Nganggo nyalikan dina korsi eling

Mayungan meja wiwaha

Taplakna iman amparana kesabaran

Di telekungan ku elmu banderana

Ihklas

SUNAN PANCER

Kurang kuring aya di batur kuring

Rasa batur rasa kuring ngarasa keun

PRABU DEUH

Darmaraja darmaraga nu ngadarma dina raga

Nu ngusik dina ati

Nu ngilo dina tikoro

Nu hurung dina jajantung

Usik malikna raga

kaula nu ngusik malikeun

Munjul 10 muharam 1442

28 agustus 2020

Anda mungkin juga menyukai