Anda di halaman 1dari 3

1.

Awwaalu waajibin 'alal insaani#

Ma'ripatul ilaahi bistiqooni

2. Pangheulana kawajiban ka manusa#

Nyaho ka Alloh sarta dalilna bisa

3. Dua puluh sipat nu wajib di Alloh#

Dua puluh sipat nu muhal di Alloh

4. Hiji sipat nu wenang di gusti Alloh#

Jumlah opat puluh hiji henteu salah

5. Opat sipat nu wajib di para rosul #

Opat sipat nu muhal dipara rosul

6. Hiji sipat nu wenang di para rosul#

Jumlahna salapan 'aqoid di rosul

7. Salapan jeng opat puluh hiji tadi#

Jumlah lima puluh jejeg sing kaharti

8. Samemeh nafsil nu lima puluh sipat#

Ieu heula hukum akal hukum adat

9. Ngaran hukum netepken hiji perkara#

kana perkara nu sejen teu sulaya

10. Tawa ngewehken perkara tinu sejen#

Saperti ngewehken anyar ti pangeran

11. Ngaran akal cahya lemes ti pangeran#

Kanu negrak kanu samar kahartieun.


1. Ari akal kabagina kana tilu #

Tobi'i ghorizi ruhani katilu

2. Akal thobi'i akalna sasatoan #

Nu teu bisa nganyahoken ka pangeran

3. Akal ghorizi ayana di manusa #

Nu bisa nyaho sifatna nu kawasa

4. Ari akal ruhani mah henteu salah #

Nu nyaksi af'al asma sifat dzat Alloh

5. Hukum akal nu netepken perkara sejen #

Tawa ngewehken perkara tinu sejen

6. Sarta lain pangaturan gusti Alloh #

Sarta lain lantaran luang pamanggih

7. Cara netepken ayana nu dijieun #

Kana pasti ayana nu boga jieun


PEMBAGIAN HUKUM AKAL

1. aqsamu hukmil 'aqli laa mahalah #

Hiyal wujubu tsummal istihaalah

2. Hukum akal tilu bagian teu salah #

Hiji wajib dua muhal henteu salah

3. Tsumma jawaazu tsalisul aqsaami #

Fafham munihta ladzatal afhaami

4. Ari wenang hukum anu katiluna #

Pek paraham sing nepi ka kahartina

5. Fal wajibul 'aqliyyu maa lam yaqbali #

Lil intifaa fi dzaatihi fabtahili

6. Sakur barang anu tara narimana #

Kana eweh eta wajib cek akalna

7. Cara jirim misti menggon dina tempat #

Anu kosong piken anjenna na tempat

8. Wal mustahilu kullu maa lam yaqbali #

Fi dzaatihis tsubuuta diddul awwali

9. Ngaran mustahil eta tara nampi #

Kana aya lalawanan nu kahiji

10. Cara robah jeng cicing teh babarengan #

Dina hiji jirim bari nu sajaman

Anda mungkin juga menyukai