Anda di halaman 1dari 2

Assalamualaikum Wr. Wb.

Bapa Kapala Sakola hormateun simkuring, Bapa sareng Ibu Guru anu ku simkuring
dipikahormat, sareng rerencangan sadayana anu ku simkuring dipikacinta. Langkung ti payun
mangga urang sanggakeun puji sinareng sukur ka hadirat Allah SWT, alhamdulillah dina
dinten ieu urang sadayana dugi ka tiasa patepang dina acara anu sae ieu dina kaayaan sehat
wal afiat.

Hadirin anu ku simkuring dipikahormat.

Dina waktos ieu simkuring bade ngadugikeun pidato anu judulna "tata krama urang Sunda".
Tangtos sadayana parantos uninga naon nu dimaksad tata krama.

Tata krama teh nya eta mangrupi kabiasaan, adat, sopan santun atanapi sok disebat oge etiket
atanapi etika anu parantos mangrupikeun tuntunan di hiji masarakat atanapi daerah dina
waktos anu tos tangtos. Ku kituna tata krama di hiji masarakat tiasa benten sareng nu aya di
masarakat sanesna.

Kitu oge tatakarama urang Sunda pasti benten sareng masarakat sanesna. tata krama teh aya
dina sagalarupi wangun komunikasi atanapi tindakan antar jalmi.

Sapertos tata krama dina nyarios, tata krama dina tuang, tata krama dina tatamu, sareng
sajabina.

Kanggo conto, mangga urang tingali tata krama dina nyarios atanapi tata krama dina nganggo
basa dina basa Sunda. Dina basa Sunda aya dua ragam basa, nyaeta ragam basa hormat
atanapi lemes sareng ragam basa loma.

Dina ragam basa hormat atanapi lemes aya dua rupi basa lemes, nyaeta basa lemes kanggo
nyalira sareng basa lemes kanggo nu sanes.

Ku ayana ragam basa dina basa Sunda teh sanes kanggo ngabantenkeun status sosial tiap
jalmi, namung kanggo ngahormat ka sepuh sareng ngajen ka sasama. Langkung ti payun

jalmi, namung kanggo ngahormat ka sepuh sareng ngajen ka sasama

Rupina sakitu nu tiasa ku simkuring dugikeun, dicekapkeun sakitu anu kapihatur, hapunteun
tina samudaya kaleptan.

Wassalamualaikum Wr. Wb.

Anda mungkin juga menyukai