Anda di halaman 1dari 10

MAKALAH BAHASA SUNDA

TRADISI SUNDA “MULASARA BALI”

KELOMPOK 5 :
Gilang Rafsanjani
Kenny Pramanik Najla Wibowo
Muhamad Nabil Habibie
Muhammad Dafi Nafhan Yoeliyanto
Rivaldi Dwiyanto
Zemima Nasywa Hilabi

XII MIPA 1

SEKOLAH MENENGAH ATAS NEGERI 2 BANDUNG


DAFTAR ISI
BAB I .............................................................................................................................................. 3
PENDAHULUAN ......................................................................................................................... 3
A. LATAR BELAKANG .......................................................................................................... 3
B. TINJAUAN TEORI .............................................................................................................. 3
1.1 TRADISI........................................................................................................................... 3
1.2 MULASARA BALI ......................................................................................................... 4
BAB II ............................................................................................................................................ 6
PEMBAHASAN ............................................................................................................................ 6
A. ALAT ..................................................................................................................................... 6
B. BAHAN .................................................................................................................................. 6
C. TATA TITI ........................................................................................................................... 7
D. TUJUAN TATA TITI .......................................................................................................... 7
E. BACAAN ............................................................................................................................... 8
F. TUJUAN SARENG MANGPAAT ...................................................................................... 8
G. NGAMUMULE .................................................................................................................... 8
BAB III........................................................................................................................................... 9
KACINDEKAN ............................................................................................................................. 9
BAB I
PENDAHULUAN

A. LATAR BELAKANG
Tradisi (basa Inggris : Tradition; basa laten Traditio ‘diteruskeun’) anu hartina adat
kabiasaan atawa tali paranti anu turun tumurn ti karuhun anu masih dilaksanakeun dina
pakumbuhan masarakat. Tradisi ilharna geus jadi kabiasaan masarakat ti baheula tur geus jadi
bagian tina kahirupan kalompokna. Tradisi tiap suku atawa adat teh rupi – rupi, salah sahijina
nyaeta tradisi Sunda. Tradisi sunda diwariskeun ti generasi ka generasi kalawan tatalepa, boh ku
lisan boh ku paripolah.
Salah sahiji Tradisi Sunda anu masih keneh dilakukeun ku sabagian besar masarakat
nyaeta tradisi Mulasara Bali, atanapi disebut Mendhem ari –ari si sababaraha daerah sejenna mah.
Tradisi ieu teh tos aya sateuacan Karajaan Majapahit, di kahirupan masarakat.
Tradisi Mulasara Bali, mangrupikeun salah sahiji kabiasaan masarakt sunda tur
nyikeupan salah sahiji siklus kahirupan, nyaeta kalahiran. Mulasara Bali dianggep salah sahiji
perkara anu sarius sabab “bali” teh nyaeta rai spiritual ti bayi nu sanajan ngalindungan bayina ti
panyakit nu asalna ti bumi sareng langit salama 35 poe awal, tur saterusna ngalindungan ruh bayi
eta (Geerz:59:1989).

B. TINJAUAN TEORI
1.1 TRADISI
Indonesia teh ngabogaan 1.340 suku adat nu adat istiadat sareng tradisi nah teh rupi
– rupi. Tradisi (basa Inggris : Tradition; basa laten Traditio ‘diteruskeun’) anu hartina adat
kabiasaan atawa tali paranti anu turun tumurn ti karuhun anu masih dilaksanakeun dina
pakumbuhan masarakat. Tradisi ilharna geus jadi kabiasaan masarakat ti baheula tur geus jadi
bagian tina kahirupan kalompokna. Tradisi tiap suku atawa adat teh rupi – rupi, salah sahijina
nyaeta tradisi Sunda. Tradisi sunda diwariskeun ti generasi ka generasi kalawan tatalepa, boh ku
lisan boh ku paripolah.
Ciri – ciri tina tradisi sunda diantarana :
1. Dilaksanakeun dina waktu anu pasti
2. Boga tujuan anu tangtu
3. Kapanggih di hiji lingkungan masarakat, patalina jeung kapacaryaan
4. Diwariskeun kalawan turun tumurun

Jenis – jenis tradisi sunda diantarana :


1. Aya nu patali jeung siklus kahirupan ti mimiti lahir nepi ka maot
2. Aya tradisi anu patalina jeung kaagamaan
3. Aya tradisi anu patalina jeung peristiwa alam
4. Aya tradisi anu patalina jeung adat anu mandiri di hiji kelompok atawa komunitas masarakat
adat
Wangun tradisi sunda aya 2 nyaeta :
1. Upacara Adat : Tradisi ritual budaya di hiji lingkungan masarakat anu waktuna geus pasti
2. Norma Hidup : Aturan anu kudu dipilampah ku hiji lingkungan masarakat anu tangtu
Salah sahiji tradisi sunda anu masih dilakukeun ku masarakat nyaeta tradisi Mulasara
Bali atanapi disebut oge Mendhem Ari – Ari.

1.2 MULASARA BALI


Tradisi “Mulasari Bali” ngandung arti nyaeta ngubur ari – ari sareng perlengkepanna
salaku wandaan penghormatan ka leluhur, sabab ari – ari atawa bali dianggep minuhun sumber
hirup utami orok. Ari – ari mangrupikeun adi ti orok anu nembe dilahirkeun. Ari – ari sok disebut
ku sadulur opat ka lima panceur, nyaeta :
1. Kakang kawah (ketuban)
2. Getih
3. Adi ari – ari
4. Puser
5. Orok
Kalayan masarakat anu percanten ari – ari teh salaku rai orok nu nembe digubrakeun
ka alam dunya, janten kulawargi si orok ngaraos peryogi kanggo ngajagi ari – ari, sakumaha
sapertos waktu ngajaga orok
Ari – ari sanes satumpukeun daging anu teu aya gunana, sanes oge runtah, anu geleuh
nu saenggalna kedah di piceun tebih – tebih. Ari – ari parantos ngiring ngarencangan kahirupan
orok. Salami dina lebet rahim sarkung ngiring ngaraoskeun pit peuheurna kahirupan dina leubeut
rahim. Salah sahiji carana ngahormat sareung ngajagi wargi sakandungan carana nyaeta
ngureubkeunnana di tempat nu sae sareung nu pantes. Masarakat percanten yen nguburkeun ari –
ari ngarupakeun salah sahiji nu kedah di lakukeun kamargi upami henteu dilaksanakeun
panguburan masarakat yakin yen ninggang ka orok nu nembe di gubragkeun ka alam dunya.
BAB II
PEMBAHASAN

A. ALAT

1. Kendil
Sacara fungsional na mah, bali teh keda di asupkeun heula ka kendil supados buni (rapih, bersih,
tarapti) sareng teu diemam ku sato, sareng teu gampil busuk. Upami makna sejenna mah, manusa
teh pan kawitna tinu taneuh, janteun uihna ka taneuh (muli ka jati mulanh ka asal)
2. Cangkul
Cangkul atawa linggis dianggo keur ngagali taneuhna
3. Kaen bodas
Kaen anu dianggo aya 2 lembar. 1 kanggo ngabungkus balina, 1 deui kanggo ngabungkus kendil
sateuacan dikubur. Kaenna bodas, maksudna mah supados murangkalihna teh bersih hate, bersih
pikiran , bener laku lampahna
4. Lampu
Maksud na mah, keur masihan terang ka tatanggi aya orok anu nembe lahir, supados te katajong
kanu ngalangkung. Supados jalmi aruningaeun yen di dinya teh aya bali anu nembe dikurepkeun.
Upami kanu balina meh nyaangan di alam kubur, upami kangge murangkalihna ameh kacaangan
kahirupanana.
5. Sangkar
Sangkar atawa karanjang fungsina pikeun ngajagaan lampu sareng bali nu tos dikurepkeun, ti
sato atawa jalmi (bisi katajong)

B. BAHAN

1. Asam Jawa
Sacara ilmiah na mah asem jawa teh di anggo supados bali nah teu bau hanyir. Upami ditilik tina
filosofina mah, asem ngagambarkeun asam na kahirupan, supados budak na teh tiasa
ngajalankeun asam atanapi pakewuh kahirupan.
2. Uyah korosok
Uyah, kagunaan utamina mah kanggo ngawetkeun balina supados henteu gampil buruk. Upami,
maksud lainna mah, uyah teh ngagambarkeun yen kahirupan teh teu salilana bagja, pasti aya
ninggang anu kapeurih. Uyah oge dipercanteun supados budakna teh rupina "nyari".
3. Gula bereum
Upami ditilik tina filosofina mah, gula beureum di anggo supados budakna teh amis budi,
someah, handap asor (rendah hati), utamina mah pikareseupeun jalmi.
4. Jeruk Nipis
Jeruk nipis dianggo, supados balina teh teu hanyir, sami sareng kagunaan asem jawa.
5. Kembang 7 rupa
Mawar, melati, kenanga, campaka, sedap malam, aster, gambir. Upami tiasa mah kembang
wijaya kusuma, sangkan maksudnya teh supados jaya hirup budakna teh ungsi kembang di dieu
supados teu aya bau hanyir nu kaluar, tur teu tiasa di angse ku sasatoan. Makna dibalikna mah
supados budak teu seungut ngaranna, seungit kahirupanana.

C. TATA TITI
1. Bali atawa ari-ari dibersihan heula
2. Ngasupkeun ka kendi sareng rempah-rempah
3. Tungkus ari-ari kalawan lawon suci pulas bodas
4. Kendilna dibalut ku kain
5. Dimasukkeun ka dalem lubang galian (tong lewih ti 50 cm ka jero taneuh)
6. Taburkeun najan dulu ku bunga 7 warna (Maca bismillah hungkul). Make lampu sareng
sangkar selama 35 hari, atanapi sampe puser di bayi nya puput (lepas).

D. TUJUAN TATA TITI


1. Dibersihan supados bersih tinu getih
2. Dipasihan uyah, jeruk, asem, gula supados teu hanyir bali na
3. Dibungkus supados teu ka koer koer ku sato
4. Dikurebkeun nganggo kendil, supados teu diemam ku sato
5. Diawuran ku kembang supados seungit
E. BACAAN
Sampurasun
Amit ampun nya paralun
Agung na ka Gusti Nu Maha Suci
jembarna ka para karuhun leluhur abdi sabuder awun .
Ka Ibu Bumi ka Rama Akasa
Ka Sanghyang Indung Sanghyang Rama Sanghyang hurip Amit ampun nya paralun.
Abdi (sebutin nama yg nguburin) ayah dari (paman dari../hub keluarga)sebutin nama bayi nya
siapa bade ngalaksanakeun mulasara bali dinten (hari) .
Samudaya nyanggakeun neda caang narawangan Nya mulih ka Jati,Nya mulang Asal.Mugi Gusti
maparin jalan caang padang narawangan ieu dulur adi ari ari ti.. (nama bayi).
Mugia (nama bayi) sing janten jalma anu bageur cageur bener pinter anu leah manah handap asor
nulung kanu butuh nalang kanu susah.
Mugia hirup sareng huripna pinanggih Rahayu Bagja Waluya Sapapanjangna.
Cekap sakitu ..ti abdi.mugia katampi hapunten bilih aya kakirangan sareng kalepatan dinu tata
titi na. Rahayu Rahayu Rahayu

F. TUJUAN SARENG MANGPAAT


Harepan supados kahirupan mending, ritual ieu ngarujuk dina do'a harepan supados.
Orok anu weton ngahontal hal mekar fisik anu rancage sarta ngabogaan sipat anu sadisetiap laku-
lampah sarta sipatna.
G. NGAMUMULE
Di jaman ayeuna, Tradisi Mulasara Bali teh masih keneh dilestarikeun ku masarakat anu
nyekel ageman ... sunda. Di Jawa oge masih keneh dilaksanakeun tradisi ieu teh, ngan beda tina
tata titi atawa bahan anu digunakeun.
BAB III
KACINDEKAN
Mulasara Bali mangrupakeun salah sahiji tradisi sunda anu maksudna ngurebkeun ari – ari
atawa bali orok nu nembe digubrakeun ka alam dunya. Mulasari dijadikeun Salah sahiji carana
ngahormat sareung ngajagi wargi sakandungan carana nyaeta ngureubkeunnana di tempat nu sae
sareung nu pantes. Masarakat percanten yen nguburkeun ari – ari ngarupakeun salah sahiji nu
kedah di lakukeun kamargi upami henteu dilaksanakeun panguburan masarakat yakin yen
ninggang ka orok nu nembe di gubragkeun ka alam dunya. Harepan supados kahirupan mending,
ritual ieu ngarujuk dina do'a harepan supados. Orok anu weton ngahontal hal mekar fisik anu
rancage sarta ngabogaan sipat anu sadisetiap laku-lampah sarta sipatna.
DAFTAR PUSTAKA

Devi, Zenita Novelia. "ARTIKEL OBYEK KEBUDAYAAN "MENDHEM ARI - ARI DI


DESA DAWUNG KIDUL BOYOLALI"." -, 2019 : 1-2.
Hisaan, Litasya Khoirun. "Tradisi Larung Ari - Ari Sebagai Ritual Kelahiran Bayi di Kota
Surakarta ." n.d.
Rembulan, Tim. Liputan6. Desember 31, 2022.

Anda mungkin juga menyukai