Anda di halaman 1dari 13

NASKAH DRAMA BAHASA SUNDA

KELOMPOK 2
“HUTANG DIBALES KU SAYANG”

Disusun oleh:
1. Dede Zidan
2. Irfan Setiawan
3. Irgi Ahmad Dahlan
4. Karisma Kamelia
5. Muhammad Yuda Firmansyah
6. Nurul Rani
7. Rifa Akbar
8. Sindy Aulia
9. Syaila Cahaya Islami
10.Tomi Sofarudin
11.Zilan Muhammad Nazril
Tokoh:
Dede Zidan (Dadan/Bapa Imas)
Irfan S (Iwan)
Irgi (Jordi)
Karisma (Imas)
M Yuda (Juragan/bapa Jordi)
Nurul R (Nyi Aroh/indung Imas)
Rifa Akbar (Baling/lancek Anggel)
Sindy A (Anggle)
Syaila C.I (Icih)
Tomi S (Otom)
Zilan M.N (Beben)
Dina hiji waktu di hiji lembur aya carita dimana aya hiji parawan anu namina imas anjeuna
asalna ti keluarga kurang mampu jeung bapana boga panyakit jantung, dina hiji waktu panyakit
bapana kambuh tapi imas teu acan gaduh artos kanggo berobat bapana, tapi dihiji lembur eta aya
hiji juragan sawah anu kasohor ku kabeungharanana sabab ngagaduhan sawah anu kacida luas,
kusabab teu aya deui cara lain kanggo ngabayar berobat bapa na (bapa imas) jadi imas kapaksa
ngahutang ka eta juragan sawah. Tapi aya konsekuensina amun hutang eta teu kabayar dina
waktu satahun imas kudu nganikahan putrana.
Teu karaos waktos tos satahun, tos jatuh tempo kanggo imas bayar hutang sabab, dina perjanjian
sareng juragan dipasihan waktos satu tahun kanggo mayar hutang eta amun teu acan keneh
dibayar aya kosekuensina nyaeta dijodohkeun sareng putra sijuragan. Pas ditagih hutang tilas
berobat bapana imas.Tapi didinya imas nuju teu ngagaduhan artos kanggo mayar eta
hutang.langsung si juragan teh nagih perjanjian anu tos disepakati sataun nukapengker pas imas
ngahutang kajuragan. ku kapaksa imas nyatujuan kana parentah si juragan sabab imas can bisa
ngalunasan hutangna. Imas akhirna ngajalin hubungan sareng jordi (putra sijuragan jackson),
sareng imas ge kapaksa ninggalkeun kabogohna (otong) anu tos lumayan lami dijalani ku imas.
Icih:”Neng imas....itu si bapa ngajengkang di sawah’
Imas:”Maenya icih, tong sok herey wae”
Icih:”Ai sia imas, jug tinggali di anterkn bieu ka imah ku nyi mimih”
Imas:”Kutanteh, nyangges urang balik heula”
Nyi imas balik rek neang bapana.
Imas:Paa...., Mah....
Nyi Aroh: Neng..itu si bapa panyakit jantung na jadi deui
Imas:”Yaallah, ti iraha si bapa boga panyakit jantung mah..”
Imas:”Paaa, kunaon pa..”
Nyi Aroh:”Neng si bapa teh kedah berobat, tapi mamah te gaduh biaya kangge pengobatan bapa”
Imas:”Muhun mamah si bapa kudu berobat, masalah biaya ku neng we urusna”
Nyi imas langsung buru buru manggihan juragan sawah, da di lembur manehna eweh deui nu
bisa mantuan manehna jang nginjemkeun duit
Imas:”Juragan,punten si bapa kaserang panyawat jantung kedah berobat, tapi abdi te gaduh biaya
kangge pangobatan si bapa.
Juragan Jacson:”Perlu sabaraha neng?”
Imas:”sapuluh juta juragan”
Juragan:”Mangga,tapi di pasihan waktu sataun kanggo ngalunasan eta hutang lamun sataun can
kabayar konsekuensina neng kudu ngawinan budak juragan”
Imas:”emhh tapi juragan,da abiteh tos gaduh kabogoh,
Juragan:”etamah urusan neng,juragan mah teu hayang apal”
Imas:”muhun atuh juragan ku neng di usahakeun”
Juragan:”Jordi,pangmawakeun duit dina leteran beas”
Jordi:”siapppp papihh kuuuu”
Si jordi indit ka tukang nyokot duit dina leteran beas.....
Jordi:”ieu pihhh,duitnaa”
Juragan:”lila siah,piran nyokot duitge,,ieu tingali geulis teu?”
Jordi:”alahhhh geulis kituu pihh euyyy,,,mantapppp”
Si imas ti tuturubun balik bari mawa duit keur berobat bapana....
Imas:”maaa,,ieu acis teh kanggo berobat si bapa”
Nyi aroh:”Mas gaduh acis ieu timana?”
Imas:”abi kapaksa nambut ka juragan jackshon”
Nyi aroh:”kumaha mayarna?”
Imas:”Soal mayar mah ke ku imas di pikirkeun,nu pentingmah si bapa tiasa berobat”
Nyi Aroh:”hayu atuh ayenamh urang candak hela sibapa berobat”
Imas:”Nya hayu ma’
Imas sareng bapana langsung nyandak bapana berobat

Setahun kemudian...
Tos jatuh tempo pembayaran hutang imas ka juragan jackson tilas berobat bapa imas, tapi pas
ditagih hutang imas teu acan tiasa bayar hutang ka juragan, kusabab eta juragagan nagih janji
sareng kensekuensi anu tos disepakati sataun nu kapengker pas imas ngahutang kajuragan.

Juragan:’ Bebenn kadie urang nagih hutang si neng imas ieu ges lewat sapoe ti perjanjian
Beben: ‘ muhun siap juragan hayu urang ubrak abrik imahna
Juragan: ‘hayu lahh urang ontrog imahna benn., bari ajak sijordi urang salarea kadituna
‘’ Juragan, body guard jeung jordi ngabring ka imah imas keur nagih hutamg imas nu tos
leuwih ti tempo perjanjian’’

Juragan:”Tok tok tok...... assalamualaikum.. neng imas


Beben:”Tok tok tokk... kaluarr imas ieu juragan sareng den jordi rek papanggih
Nyi aroh:” waalaikumsalam alah sugan teh sanes juragan sareng den jordi anu dongkap teh,
sateuacanna punten juragan aya nu tiasa dibantos dugi ka jauh jauh dongkap kadieu?
Beben:”ahh tong sok pura pura poho siah nyi aroh, mana si neng imas kadieu calukan heula
Nyi aroh:”imasna aya nuju dipengker, nenggg... nengg.. neng imass kadieu heula ieu aya juragan
Imas:” aya naon maa.., ehh aya juragan gening sareng a jordi
Jordi:’ Haiii neng imas cantiku calon istrii Aa jordi..
Juragan:”maenya poho,sesuai perjanjian ieu geus waktuna,malahan geus lewih saminggu”
Imas:”punteun juragan nyungkeun deui waktosna’
Nyi aroh:”muhun juragan,pasihan deui waktosna kanggo ngusahakeun kanggo mayar sadayana”
Juragan:”wuktas waktos wuktas waktos, ges eweh deui waktu jang maraneh mayar, ayeuna mah
geus kudu narima konsekuensina kawin jeung anak urang!”
Imas:”kumaha atuh juragan da abina tos gaduh calon karunya si aa otom lamun misal ditinggal
Nikah ku imas”
Nyi aroh:”pasihan deui waktos atuh juragan kanggo neng imas mayar hutangna”
Juragan:”sok atuh di bere deui waktu saminggu deui lamun misal teu bisa keneh mayar minggu
harep wayahna neng imas kudu kawin dina waktu eta keneh jeung jang jordi nyi aroh!”
Nyi aroh:”muhun juragan”

“akhirna neng imas gaduh waktu saminggu kanggo ngusahakeun kumaha carana
ngalunasan hutang ka juragan jackson ngarah teu dinikahkeun ka jordi putra juragan jackson.
Neng imas kapikiran keur ngenta bantuan ka kabogohna (otom) keur mayar hutang tapi teu
kanyahoan si otom malah salingkuh jeung babaturan neng imas nyaeta neng icih. Dina suasana
sedih eta neng imas ditenangkeun ku si jordi anu kabeneran aya didinya, akhirna neng imas
lambat laun luluh ku sikap jordi anu pengertian jeung bisa ngarubah sikap demi ngabuktiken
cintana ka neng imas.
Imas:” kumahanya carana supaya abdi tiasa ngalunasan hutang abdi supaya teu kikawinkeun ka
juragan jordi atau abi ukeun bantuan wae nya ka si ayang otom”
“neng imas langsung indit keur mannggihan kabogohna jang otong keur ngenta bantuan
kanggo mayar hutang na tea, Tapi dina perjalanan ka bumi otong neng imas malah manggihan
kabogohna keur salingkuh disawah jeung babaturan deukeutna nyaeta neng icih”

Imas:”icihhhhhhhhhhh,astagfirullah maneh di tukangen urang teh kitu?!”


Icih:”eh ehh imas henteu kitu”
Otom:”Sayang aa bisa jelasin, ieu teh henteu kawas nu ku neng pikir”
Imas:”Ahh nggeus gandeng, neng mah kecewa ka aa”
Icih:”Imas tong kitu imas, ieu teh henteu kawas nu ku maneh pikir”
Imas:”Ahh maneh sarua na ngecewa keun urang icihh!”
Otom:”kadieu hela eneng arurang edek ngajelasken”
Imas:”ges teu kudu aya nu di jelasken aa,neng mah kecewa ka maraneh duaan bisa bisana
salingkuh,teu ngartikeun pisan kana perasaan aing!”
Sangges kitu neng imas balik deui ka imahna sabari kesel ningali babaturan anu sok
babarengan jeung manehna ayeuna salingkuh jeung kabogohna,di tengah jalan edek balik ka
imahna neng imas papanggih jeng den jordi.
Den jordi:”ehhh calon istri aa kunaon,sini cerita ka aa”
Imas:”a jordi neng di selingkuhan ku a otom”
Den jordi:”(wahh wahh wahh kesempatan ni buat dapetin hati neng imas)hah maenya neng
imas,ti iraha selingkuhna geus we cek aa mah mending putuskeun anu geus ngecewakeun mah”
Imas:”neng mah masih teu nyangka ka a otom sareng icih a bisa bisana salingkuh di tukangeun
eneng,eneng mah kecewa pisan aa’
Den jordi:”enya tos neng ulah berlarut larut dalam kesedihan tingalkeun we anu nganyenyeri
mah tong di kukut wae”
Imas:”enya a nuhunnya tos ngadangukeun curhatan eneng”
Den jordi:”geus we ayeuna mah sareng aa”
Imas:”neng mah teu acan tiasa nerima deui a”
Pas si neng imas jeung den jordi ngobrol datang si otom jeung si icih nempo neng imas jeung
den jordi keur ngobrol,didinya si otom kesel nempo si neng imas da neng imas keur ngobrol
jeung lalaki lain anu lalakina nyaeta den jordi.
Otom:”ohhh jadi kitu neng ge di tukangeun aa”
Icih:”saruana ning maneh ge imas sarua ngecewakeun si a otom”
Imas:”ieu mah teu kahaja papanggih di jalan pas eneng deuk uih a”
Otom:”tos we lah meren sanes jodona cekap dugi kadieu w hubungan arurang mah neng”
Imas:”enya a saha oge nu hoyomg neraskeun ieu hubungan”
Otom:”muhun ai tos kiyeumah papada alimmah da sesah,nuhun nya,pumten oge aa
kahilapanna,da salah paham aa ge teu niat,hapuntennya ayeunamah datos papada gaduh anu
enggal,nuhun pisan jalmi bageur.’
Otom bari ngaleos tisawah bari benget kusut ninggalkeun Imas Icih Jeung Jordi,ninggali eta si
icih ngudag otom
Icih;”oooootoooooooooooooooommmmmmm”
Icih lumpat bari ngudag otom bari nepak punduk Otom
Icih:”otom keun we wios da ayaa abii”
Otom:”enya abige terang ayeuna aya icih,tapi pasihan abi waktu.”
Icih:”enya bade nanaon ge kaayaan otom kuabi di rencangan”
Otom;”enya ngan pasihan heula abi waktu abige butuh kanggo move on,abige masih teu nyangka
iyeuteh salah paham”
Icih;”Tapi aa janji bakal move on tisi imas,ngabeh pengorbanan abi teu sia sia”
Otom:”enyaa ku aa di usahakeunn da aa ge tos nyerihate kusiimas aa masih
teunyangka,ayeunamah bade fokus ka icih we
Icih:”enya ayeunamah hayu we ayeunamah urang uih”
Icih jeung Otom balik duaan leumpang dina kaayaan senja jiga tina film film india bari sound
anu romantis.
Pas maranehna balik si otom disamper ku babaturan na nyaeta si iwan edek ngajak nongkrong.
Iwan:”tom otom hayu ah rang nongkrong di saung biasa sabari sebat”
Otom:”mbung ah wan aing keur loba pikiran”
Iwan:”mikiran naon maneh tara tara make jeung loba pikiran”
Otom:”aing putus jeung si eneng wan”
Iwan:”hah nu bener ieuh?!”
Otom:”bener wan,aing kapanggih salingkuh jeung si icih di saung”
Iwan:”maneh salingkuh jeung babaturan deket na otom?!”
Otom:”heeh aing hilap kagoda ku si icih”
Iwan:”astagfirullah(sabari ngusap dada)”
Otom:”terus urang manggihan si nengnkeur duduaan ngobrol jeung si jordi jiga nu mesra urang
ninggali teh jaba sijordi sok dedeketan ka sineng imas”
Iwan :”alah maneh ge sarua disalingkuhan atuh ku si neng imas < tapi kumaha ,un si neng imas
teh nyatana teu salingkuh jeung si jordi RUGIII DONGG.
Otom:” YANGG BENER AJAAA, urang ninggali langsung yakin urang mah duaan eta ge
salingkuh moal mungkin sadeket eta eweh hubungan nanaon
Iwan :”ahhhhh kumaha maneh we da bongan saha maneh ge bet salingkuh jeung si neng icih,
jadi derita loe itu mah yaa.
Otom:” ges ah nyarita kamaneh mah kalaka beuki lieur kana sirahna oge
Iwan:” jadi maneh ayena milih saha atuh si neng imas atawa si neng icih?
Otom:” urang mh rek dua nana ge hayu tapi ges kagok kapanggih jeung si neng icih jadi urang
rek milih si neng icih we
Iwan:” terus si neng imas rek dikamana keun ku maneh
Otom:”ahh bae rek diikhlaskeun we jang si jordi jeung na deui urang geus seubeuh ah jeung si
neng imas mah jadi sama yang baru aja ahh sekarang mah
Iwan:” anjayy gaya bahasa indonesa sieta”
Otom:”enya atuh da abi mah bade jadi jelema beunghar daharge deungeuna hungkul teu
disanguan”
Iwan:” kumaha otom we ahh. Urang dek balik heula nya rek ngangon heula domba”
Otom:”sok wan kade bisi kalabur dombana”
“otom sareng iwan langsung bubar ti ti tongkrongan”
KAISUKANANA
“pas jordi bade ka bumi neng imas dijalan malah papanggih jeung angel nyaeta anu kacida
resepenana ka jordi nepika di udag-udag keur menang keun jordi”
Iwan:”ngapelan heula neng imas ahh ka bumi na”
“pas dijalan langsung papanggih jeung angel”
Angel:”Aaaaa jordii mau kemana tungguin abiii, ikutttttt”
Jordi:”naon cenah nya ni riweuh si bantal teh”
Angel:”iiihh aa nama aku kan ANGEL bukan bantall, sebel dehh”
Jordi:”panan dina bahasa indonesia mah angel teh bantal”
Angel:”iihh beda Aa, A jordi mau kemana iih kok ga ngajak ngajak Angel”
Jordi:”terserah Aa we rek kamana kamana ge atuh lain urusan Angel”
Angel:”yaudahh... angel ngiring atuh”
Jordi:”ntong ah rek naon ngilu ge”
Angel:”kan aku cinderella terus Aa pangerannya jadi aku harus sama Aa pangeranku yang paling
ganteng”
Jordi:”kumaha neng angel we ah”
“akhirna neng Angel nunutur ka si jordi bari tituturubun da Jordi alim dituturkeun ku si Angel”
Angel:”Aa mau kemana iih ini teh aku kepo, tapi kok ini kearah rumah na si imas sih. Jangan
jangan Aa beneran mau ke rumahnya si imas’
Jordi:”Cicing ehh meni ngingintil wae kuma urang w atuh dek kamamana g lain urusan angel”
Angel:”Ihhhhh aa angel teh mau ikut aa”
Jordi:”cicing ieuh cicing”
Angel:”ah pokonamah kamana pangeran pergi cinderela akan ikut bersama pangeran”
Jordi:”cicing ulah ngaganggu ieuh nyaho urang teh deuk ngapelan neng imas”
Angel:”iya kemana pun pangeran pergi akan ku ikuti terus meskipun jauh”
Jordi:”ehh atuh meni si setan hayoh we ngingintil”
Angel:”kan neng teh cinta ka aa”
Jordi:”ahh enggeus ahh moal jadi moal baleg deuk apel na ge aya nu kieu mah”
Angel:”tah kitu atuh aa ulah ulin wae jeung neng imas mending ge jeung neng ulin na”
Jordi:”heeh kumaha maneh we lier urang mah deuk balik we deui”
Angel:”ihh aa kan bade ameng sareng neng”
Jordi:”teing ahh urang mah geus lier kumaneh mah”
Angel:”ihh aa mah kitu ka neng teh”
Jordi:”bae we kumaha urang atuh rek kukumaha ge da lain urusan maneh atuh”
Angel:”ehh kan aa teh pangeran na neng yang tersayang”
Jordi:”ahh lier aing mah cicing cicing deuk balik ahh”
Akhirna Jordi balik ninggalkeun neng anggel da bakat ku lier. Pas di jalan balik, Jordi panggih
jeung neng Imas di jalan tungtungna maranehna leumpang bareng duaan.
Jordi:”kehed si anggel tuturubun pisan rek apel jeung neng imas jadi teu jadi...eh kela kela itu teh
neng imas lainnya? IMASSS...”
Imas:”Eh a Jordi, bade kamana a?”
Jordi:”Bade uih tadina aa bade kateun neng imas ngan aya tangkurak si Anggel jadi te jadi, tapi
da neng namina ge jodoh nya pendak we di jalan ge”
Imas:”Judah jodoh judah jodoh, kos nu bakal jodoh we jeung neng a jordi mah”
Jordi:”Bakal neng, aa mah tos terang ti karuhun neng, btw neng bade angkat kamana ieu?”
Imas:”bade ningal sawah a bisi kunu mangku”
jordi:”ahh si eneng mah bisa aja bersyandanya”
imas:”bener a neng bade ka sawah bade damel bade milarian artos kanggo mayar hutang neng ka
juragan”
jordi:”naha ari neng imas kamana w nyarios teh,waktos tinggal sababaraha poe deui percuma da
moal ka kumpul sadayana”
imas:”nu penting mah tos berusaha atuh a”
jordi:”tos w dari pada ka sawah mah mending rang ameung sareng aa”
imas:”cicing a imas bade ka sawah”
jordi:”cape cape ka sawah s eneng mah bari tungtungna mah nikah jeng aa hehehe”
imas:”ihhh”(bari ngaleos ningalkeun jordi)
Tidinya si neng imas ningalken jordi di tengah tengah edek kasawah si neng imas papanggih
jeung si angel,si angel bari mawa lanceukna nyaeta si baling.
angel:”hey imas cicing hela,tah a ini yang ngarebut si jordi ti angel teh”
baling:”ohh ieu neng,manehnya wawanianan ngarebut si jordi ti adi aing”
imas:”kunaraon maraneh salah urang naon urang mah te ngarebut si jordi”
angel:”buktinya si jordi tadi mau ngapelan maneh ka imah”
baling:”geus w atuh ngaku maneh ngarebut si jordi ti adi urang”
imas:”idih sorry yee urang mah te ngarebut sasaha emangna si jordi jeung si angel bobogohan?”
anggel:( jempe sabari ngabalier ka si imas)
baling:( baling binggung sabari nanya ka adina) “maksudna kumha ieu teh angel?”
angel:”pan aa ge tau aku teh bogoh ka jordi”
Imas:”eta mah maneh nu bogohna angel si jordi mah hente, jeung emang maneh di anggap ku si
jordi”
angel:”a jordi pasti nganggap aku ngan ku sabab maneh boga hutang ka bapana jadi we a jordi
kudu maksakeun kalo maneh ga bisa bayar kudu kawin jeung a jordi”
Imas:”saha oge nu hayang kawin jeung si jordi urang ge embung boga hutang ari lain ku butuh
mah”
baling:”sok jadi ayeuna kumha angel dek dikumha keun ieu si imas teh”
angel:”aku mah mau si imas ngajauh ti a jordi”
Imas:”naha jadi ka urang kuduna maneh angel ngomong ka a jordi ulah ngadeketan wae”
angel:”eta mah maneh anu ke centilan dedeketan jeung a jordi”
Imas”kuma sia anggel takondel kondel, urang mah te kacentilan ngadeketan a jordi! Pan maneh
nu sok centil ngadeketan a jordi mah”
angel:”ihh aa liat masa angel dibilang centil sama si imas”
baling:”naon maksud maneh imas jeung ngomong kitu ka adi urang”
Imas:”haha berarti emang bener kan si angel rumasa”
angel:”ihh nyebelin pisan maneh imas awasnya”
baling:”engges-engges hayu anggel urang balik lier ngomong jeung jelema kaos si imas mah”
Imas:”urang lewih lier ngabanungan jelema te penting jiga maraneh”
angel jeung lanceukna langsung ararindit ningalkeun si neng imas
pas kaisukan nana pas pisan jeung waktuna mayar hutang den jordi jeung juragan datang ka imah
neng imas
juragan:”imas imas sok sok kaluar gera bayar hutang ges jatuh tempo”
den jordi:”sabar babeh tong gogorowokan tenang da neng imas mah geus pasti kawin jeung
urang”
imas:”juragan abi teu acan gaduh ayeuna mah abi bade pasrah w bade kukumaha ge da abi te
tiasa mayar hutang”
juragan:”tah kitu atuh lainan ti basa eta apal moal mayar mah kawinken tibasa eta keneh”
den jordi:”ken we beh nu penting mah neng imas ayeuna mah milik aden”
juragan:”geus isuk mah langsung ka KUA ulah di lila lila”
imas:”atuh juragan Imas teh teu acan sanggup pami langsung ka KUA enjing mah”
juragan:”heu sok geura sanggup keun heula, asal tong lila lila teuing we mas”
Tidinya kusabab Imas geus pasrah daek di kawinkeun ka Jordi, juragan balik dina kaayan hate
bungah, tapi Jordi mah te waka balik da hayang ulin jeung neng Imas.
Jordi:”neng, urang ninggal sawah yu?”
imas:”hayu a”
Sadugina di sawah maranehna ngobrol tentang perjodohan eta
Jordi:”neng, eneng teh ikhlas di jodohkeun sareng aa?”
Imas:”atuh a da kumaha deui imas teu tiasa mayat hutang jadi imas ge kedah iklas di jodokeun
sareng a jordi”
Jordi:”neng sabenernya aa teh emang cinta ka eneng tapi aa teh teu terang kumaha carana supaya
aa tiasa sareng eneng, janteun pas eneng nambut artos ka si bapa aa teh langsung nyarios ka si
bapa pami neng teu tiasa mayar neng kudu di jodokeun sareng aa”
Imas:”aa bogoh ka eneng ti araha kitu a?”
Jordi:”ti awal eneng damel di si bapa aa teh tertarik ka eneng, tapi kusabab eneng teh bobogohan
sareng otom, aa ge te tiasa kumaha kumaha sareng aa ge da alim ngarusak hubungn eneng sareng
otom”
Imas:”panginten a ai jodoh mah da kumaha we cara bertemuna, neng ge bareto mikir neng bakal
jodo sareng otom da neng cinta pisan ka otom, tapi geuning otom salingkuh, neng ge janteun
poho we cinta eneng ka otom baheula sakumaha ageungna”
Jordi:”neng imas tinggal mata aa”
(imas melong ka jordi bari di cekelan lengen imas ku jordi)
Jordi:”neng, pami eneng sanes jodoh aa atuh wios pami aa janteun jodoh eneng, rada maksa ka
allah neng hehe”
(imas seuri ngadangu jordi nyarios kitu)
Jordi:”tos tos serius. Neng aa cinta ka eneng aa bogoh ka eneng aa hoyong eneng janteun istri aa.
Neng imas, neng kersa janteun istri aa?”
Imas:”a, sebenerna setiap imas ninggal aa sok aya rasa bungah, setiap imas teu ninggal aa hate
imas asa hoyong milari aa, tapi imas terang cinta imas ka aa teu sabesar cinta aa ka imas, aa bade
narimakeun imas?”
Jordi:”aa terang eta neng, aa yakin lambat laun cinta neng ka aa bakal sabesar cinta aa ka neng aa
narima eneng sareng sadaya kakurangan eneng”
Imas:”a imas janji bakal membalas cinta aa nu ugal ugalan jeung bebeledagan ka imas, PASTI1”
Jordi:”jadi imas kersa nikah sareng aa”
Imas:(imas senyum bari unggek)”kersaaaaaaa a jordiiii”
Jordi:(Jordi langsung nangkep imas)”nuhun neng tos kersa nikah sareng aa”
Imas:”sami sami a”
Tos kitu Imas sareng Jordi uih ti sawah bade teras ka imah Jordi bade wawartos ka juragan neng
imas tos siap di jodokeun jeung jordi
Jordi:”paaa neng imas daek di jodokeun jeung aden paaa”
Juragan:”neng imas bener eta teh?”
(imas unggek bari seuri)
Pas maranehna ngobrol kitu ternyata di lawang panto aya anggel nu tos ngadangukeun obrolan
maranehna
Anggel:”a jordiiiiiii!”
Jordi:”eh si kehed aya hama”
Anggel:”a jordi bilang ka anggel kalo eta teh bohong, a bilang a (bari ngeunyang baju jordi)”
Juragan:”anggel, anak babeh nu ieu tos aya jodo na anggel kedah narimakeun tong ngaganggu
deui hubungan jordi sareng imas nya, pami hoyong dulur sareng babeh ieu aya si beben nu siap
sedia narima neng anggel”
Beben:”neng anggel bener tah saur babeh beben siap narima anggel buat jadi istri aa, tapi kalo ga
jadi istri, jadi pacar beben ge beben mah uda sukur pisan neng”
Anggel:(anggel cerik bari ngagorowok)”GAMAUUUUUU!”

TAMAT

Anda mungkin juga menyukai