Tokoh-tokoh
Jaman baheula, aya hiji kampung di beulah kaler dayeuh Garut anu pendudukna lolobana patani.
Lantaran lahan di kampung téh subur pisan jeung teu kungsi kakurangan cai, sawahna sok ngahasilkeun
béas anu loba pisan. Sanajan kitu, warga desa masih miskin. “Ayeuna masih rada poek, embun-embunan
masih nempel dina dangdaunan, tapi warga buru-buru ka sawah. “Ayeuna téh poé panén. Maranehna
bakal ngala pare anu geus koneng tuluy dijual ka tengkulak anu ngaranna nyai endit. nyai endit teh
jelema pangbeungharna di kampung. Imahna méwah, lumbung béasna kacida gedéna lantaran kudu
nampung béas anu lumayan loba anu dibeuli ku sakumna patani di éta désa. Jeung para patani henteu
sakarep-karepna ngajual hasil panen ka nyai endit, maksakeun ngajual sagala pepelakanana kalawan
harga anu murah lamun henteu hayang neruskeun pasualan ku Nyai endit. Terus, mun béas béak kudu
kang udin: ”duh, iraha nya nasib kuring teh robah? te kuat kuring mah hirup kos kie ”
kang mamat: ”ssst, tong tarik teing atuh, ke aya nu ngadenge eun! arurang teh kudu sabar, ke ge benang
balesanna ka jelema nu kitu mah. Inget gusti alloh mah te sare”
nyai endit: ”uus!!! kumaha, eta pare ges di beli kabeh?”
uus: ”beres nyi!!!. mangga di tinggal. Lumbungna tos pinuh ku eta pare”
nyai endit: ” hahaha, kedeng dei baratur teh bakalan bareak beas terus mereli pare ka kuring. Beuki we
urang teh benghar! Kade,taringaliken eta patani bisi nepi ka ngajual panenna ka batur.”
Apek teh bener, sababaraha minggu ka harep penduduk desa ges mulai kakurangan bahan tuangen, loba
nu ges ngadarita kalaparan. Sedengken nyai endit sok kabungahan ku tuangen nu mewah di imahna”
Nyai ntin: “duh pak, beas teh persediaanna ges tinggal saetik. Kedeng dei urang kapaksa kudu meli beas
ka nyi endit. cek batur mah hargana naek jadi salawe sa kilo beda jg pas bahela urang meli. Kumaha pak?
Padahal urang ge kudu meli kabutuhan nu lain”
Tah kitu gemujeng penduduk desa teh gara-gara wenangan nyi endit.
Di hiji poe, pas ker mentrang2na panon poe ti tungtung desa kaciri aya nini2 nu ker lempang
ngabungkuk bari mere benget pikarunyaeun
Nini: “