Anda di halaman 1dari 11

SINOPSIS CARPON

ELSA SIETA
KELOMPOK 4 :
1. Muhamad Prabu Adi Pratama
2. Amanda Rahmawati H.
3. Chais Al Falfa
4. Dwi Haryani S.
5. Hanif Abdurahman F.
6. Shello Albakor P.
7. Risky Yanuar Firdaus
8. Mutiara Sandiaswari
IDENTITAS CARPON
ILSA SIETA

- Judul Carpon : Ilsa Sieta


- Pangarang : Chye Retty Isnendes
- Penerbit : PT. Kiblat Buku Utama
- Tahun terbit : 2014
- Halaman : 7 Halaman
TEMA UTAMA & TEMA TURUNAN

A. Tema Utama
Tema utama dina carpon Ilsa Sieta nyaeta tentang Pendidikan ideologi,
parubahan sikep,penampilan,kayakinan, sareng pamahaman ideologi si Ilsa anu
asalna nganut agama islam tradisional ti kolotna, robah jadi nganut ideologi atheis
sareng liberal lantaran pangaruh pendidikan ti dosenna. Conto sempalan teksna :
“Awal semester dua, sikep kuring mimiti robah. Enya hal eta lantaran dina diri
kuring aya sipat nu aneh, aya rasa simpati, aya rasa tarik-ulur kana ajaran Marx nu
kudu dikontrak deui dina eta semester. Kuring jadi hayang ngojayan eta ajaran nu
tuluy-tumuluy nu didoktrin ku dosen tea.”
TEMA UTAMA & TEMA
TURUNAN
B. Tema Turunan
Tema turunan dina carpon Ilsa Sieta nyaeta Liberalisme & Atheis. Liberalisme
nyaeta pamahaman ideologi anu eusina tentang kabebasan individu. Si Ilsa janten
ngarasa bebas hayang ngalakukeun naon bae sareng si Ilsa robah kayakinan jadi
atheis. Conto sempalan teksna :
“Waktu solat Magrib manjing, kuring mah teu malire. Keur ngeunah nagroko
Dji sam soe.”
“Keur naon atuh solat ge ? Geus euweuh deui kayakinan kana agama teh.”
ALUR

C. ALUR
Alur dina Carpon Ilsa Sieta nyaeta make alur mundur, kusabab dina awal carita.
Si Ilsa teh nyaritakeun kisah hidupna salama manehna kuliah di universitas
kakoncara anu nyeubabkeun Si Ilsa robah sikep sareng batinna. Sempalan teks na :
“Inget keneh, waktu kuring mimiti meunang eta mata kuliah di universitas
kakoncara.”
“Awal semester dua, sikep kuring mimiti robah.”
LATAR
(WAKTU,TEMPAT,SUASANA)
D. Latar (Waktu,Tempat,Suasana)
Latar tempat dina eta carpon nyaeta lembur, salon, di kamar, di univertsitas, di kampus, jeung dina pagelaran.
Conto sempalan teks na :
“Di kampus, kuring jadi jalma anyar, jalma popiler...”
“Waktu kuring balik heula ka lembur....”
“Kuring kudu jadi WTS dina eta pagelaran teh.”
Latar waktu dina eta carpon nyaeta magrib sareng pagi atawa siang. Kunaon pagi atawa siang ? Kusabab dina
eta carpon henteu dicaritakeun sacara langsung waktuna, tapi loba adegan di mana si Ilsa teh masuk kuliah anu
biasana lamun kuliah teh aya na di waktu pagi atawa siang. Conto sempalan teks na :
“Waktu solat Mangrib manjing....”
Latar suasana dina eta carpon nyaeta sedih,tegang, sareng panyesalan. Sempalan teksna :
“Ti dinya kuring diintimidasi didominasi ku eta dosen di kelas.”
“Meureun geus kuduna kuring jadi kieu. Pageuh dina ajaran nu ceuk batur salah.”
TOKOH & PENOKOHAN
E. Tokoh jeung Penokohan
1. Ilsa, watekna :
- Sombong, ngarasa pang hebatna :
Teks na : “Ih, teu sudi, make pacar Mekah, jadul. Ngerakeun si Nini mah. Lain oge wanita moderen atuh make pacar
mah, Nini !”
- Loba gaya
Teks na : “Aeh, teu poho, buuk kuring nu panjang diteukteuk anggeus, di’tata’ di salon terkenal, RH Salon. Potongan
buuk nu layering..... di cet warna-warni. Teu tanggung-tanggung cet buukna ge merk terkenal L’oreal Paris.”
- Calutak atawa teu sopan
Teks na : “Kuno pisan jeung feodal puguh kulawarga kuring teh.”
“Eum dasar nini-nini kuleun ! Ieu teh model Nini !”
- Gampang kapangaruh (leumpeuh yuni)
Teks na : “Awal semester dua, sikep kuring mimiti robah. Enya hal eta lantaran dina diri kuring aya sipat nu aneh, aya
rasa simpati, aya rasa tarik-ulur kana ajaran Marx nu kudu dikontrak deui dina eta semester.”
TOKOH & PENOKOHAN

2. Nini Ilsa, watekna :


- Nyaah ka cucu na
Teks na : “Eum Geulis, incu Nini. Ieu tanggay teh tong seueur teuing warnana atuh ? Tingal,asal maroronyoy kieu,
silo Nini mah. Jaba eta deuih, kapan kitek mah teu meunang dibawa solat ? Mending pacar Mekah bae atuh...”
- Tulus ka cucu na
Teks na : “Ucu, ari Ucu gering panas ? Paingan teu uih-uih...”
3. Dosen , watekna :
- Henteu toleransi ka ajaran lain
Teks na : “Geus! Buka karudungna Ilsa! Buka kancing-kancing bajuna ari teu bisa nagbuktikeun mah! Kojayan
ieu dunya sasuka sakarepna, sugan maneh meunang Gusti nu euweuh tea!”
- Maksakeun, ngaintimidasi
Teks na : “Unggal waktu unggal minggu doktrin Marx terus ditepakeun ku eta dosen. Manehna ngece kuring,
yen kuring mah kuliahna kudu di IAIN ceunah, yen kuring mah jalma nu moal maju lantaran embung narima
pamadegan batur nu teu sapaham.”
SUDUT PANDANG
(PUSEUR SAWANGAN)
F. Puseur Sawangan
Puseur sawangan atawa sudut pandang anu dipake dina
Carpon Ilsa Sieta nyaeta puseur sawangan kahiji. Conto
sempalan teks na :
“Ngaran kuring Ilsa.”
“Enya kuring mah geus ngaleupaskeun sagala...”
“Kuring, Ilsa Dipraja nu di doktrin uanggal waktu....”
AMANAT

Amanat ti Carpon Ilsa Sieta nyaeta henteu sadaya parobihan


janten manusa modern kedah dituturkeun, langkung sae
pikeun jalma anu tradisional tibatan jalma modern tapi
nuturkeun ajaran anu salah. Anjeun tiasa ngabuktikeun ka
sadayana yen jalma oge tiasa sukses sareng ngabuktikeun
impianna tapi henteu ku ninggalkeun agama anjeun. Salain
eta, anjeun oge kedah tiasa boga iman anu kuat lamun hoyong
terjun kusabab jelma anu diluar mah macem macem henteu
sakabehanana ngabawa efek positif ka anjeun.
KATA YANG TIDAK DIMENGERTI

1. Ngagabrug = Merangkul, memegang, atau ,memeluk.


2. Feodal = 1 berhubungan dengan susunan masyarakat yang
dikuasai oleh kaum bangsawan; 2 mengenai kaum
bangsawan (tentang sikap, cara hidup, dan sebagainya); 3
mengenai cara pemilikan tanah pada abad pertengahan di
Eropa
3. Gogodeg = menggelengkan kepala
4. Nitenan = mengamati, menganalisis
5. Rajol = berdatangan
6. Agul jeung Reueus = bangga

Anda mungkin juga menyukai