Anda di halaman 1dari 2

Dongng Santri Bodo

Aya santri pohara beletna. Nepi ka mindeng jadi pamoyokan santri-santri lianna. Mangtauntaun masantrn, can ngalaman hatam Al-Quran sakali-kali acan. Boro-boro hatam Al-Quran, jemp solat og ukur ba bisa maca fatihah jeung surat parondok. Puguh deui nalar kitab atawa nyarita ku basa Arab mah, tinggaleun pisan. Tapi, ari ngaliwet mah pangpinterna. Kabjakeun kanggo ku ajengan sagala. Loba babaturanana nu geus baroga pasantrn sorangan. Atuh santri-santri anyar jul-jol, ngaganti nu geus taramat. Sedeng manhna teu menyat-menyat. Tungtungna ngarasa ra sorangan. ra ku sasama santri, isin ku ajengan. Tina geus teu kuat nahan kaera, hiji po manhna nepungan Ajengan di bumina. Maksudna rk terus terang, niat balik ka lemburna. Barang tepung pok nyarita Ajengan abdi seja amitan, bad mulang ka lembur, cenah. Mulang th mulang kumaha, apan lain waktuna per? tmbal Ajengan. Mulang teras, moal wangsul deui ka pasantrn. Da bongan geuning, mangtaun-taun masantrn, teu aya kamajengan. Ajengan teu buru-buru ngidinan. Malah teras ngawurukan, sangkan ulah babari pegat harepan. Unggal jelema kamampuhna teu sarua, saurna. Aya nu gancang bisa nangkep pangajaran, teu kurang-kurang anu butuh waktu rada lila, kakara manhna ngarti. Ulah, menh ulah mualang, mending balik deui ka pondok. Hg diajar leuwih rajin, saurna deui. Tapi menhna keukeuh mnta diinan mulang. Basana, ti batan miceunan waktu di pasantren, mending sagaw-gaw di lembur. Diajar neangan pangupa jiwa. Ku sabab niatna geus pageuh, ahirna Ajengan teu tiasa naon-naon. Rk iraha meneh mualang, apan ayeuna mah geus beurit? Bad njing saatosna solat subuh, cenah, teu poho mnta diduakeun. Isukna, rebun-rebun pisan manhna ninggalkeun pasantrn. Ti pasantrn ka lemburna th, lilana kira-kira sapo. Sajaba ti ta kudu ngaliwatan leuweung, ngurilingan pasir, sarta turun ngaraas walungan. Tengah po kakara meunang satengahna. Hartina setngah po deui, kakara nepi ka lemburna. Lantaran ngarasa cap, Ki Santri eureun heula niat reureuh. Gk diuk handapan tangkal kai. Kaayaan di sakurilingeunana kacida tiiseunana. Nu kadng teh ukur sora angin nebak tatangkalan, paselang jeung cluk-clakna cikaracak. Tapi, ku sabab cap, guher manhna sar tibra pisan.

Hudang-hudang beuteungna ngarasa lapar. Rt ka luhur, panonpo mimiti dngdk ngulon. Kop kana bekel bawana. Rngs dahar tuluy bebersih, nginum sakalian wudu tina solokan leutik, teu jauh ti tempat manehna reureuh. Brs wudu solat lohor, luhureun batu lmpar. Tah, waktu manehna solat, sora cai nyakclak kadngna beuki jelas. Clak ... clak ... clak ..., cenah, siga meunang ngatur. Meh bae solatna batal. Tuntas solat, panasaran hayang nyaho asalna sora. Sabada ditangan, brh ...ketnjo, cai tina sela-sela batu, ngarayap mapay aakaran, mmh ragrag ninggang batu lmpar. Ieu geuning asal datangna sora teh, gerentsna. Ngan das mani siga meunang ngatur. Sora ragragna ngalagu, serta angger wirahmana. Persis sora tik-tekna jarum jam. Kalakuan cai ku menhna terus diperhatikeun. Ti mimiti barijil tina sela-sela batu, tuluy mapay aakaran, nepi ka tingkareclak ragrag kana batu ta. Ana diteges-teges, geuning batu anu kacaclakan cai th, nepi ka legokna. Hg ku menhna dipikiran, batu sakitu teuasna bisa legok ukur karagragan cikaracak. Pasti lain waktu sekeudeungsakeudeung. Bisa jadi mangpuluh-puluh taun. Heueuh, ari laukeun jeung sabar mah, cai nu ukur sakeclak-sakeclak, bisa ngalegokan batu nu sakitu teuasna. Naha ari aing, tungtungna inget kana kalakuan sorangan. Pdah diajar ngaji teu bisa-bisa, gancang ngarasa lh. Nepi ka milih balik ka lembur, ti batan diajar leuwih soson-soson. Harita knh manhna ngadigdig, seja balik deui ka pasantrn. Jero hatna jangji rk leuwih rajin diajar. Cenah ta boga uteuk kacida beletna, rk nurutan laku cai. Teu bisa sataun, dua taun. Dua taun teh bisa knh, matak naon tilu taun. Sugan ari leukeun jeung sabar mah, laun-laun katakan. Kajurung ku sumanget rk diajar leuwih getol, leumpangna satengah lumpat. Atuh mmh magrib th geus datang dui ka pasantrn. Rasa isin dumh geus amitan balik dui, buru-buru disingkirkeun. Ah, geuning ilaing? Ajengan kagt nenjo santrina balik deui. Leres, abdi Ajengan, cenah. Mmh Ajengan naros papanjangan, leuwih ti heula manehna ngadadarkeun lalakonna. Nya ta manggihan cikaracak, ragrag nyakclak ninggang batu, nepi ka ta batu jadi legok. Piraku abdi, manusa, kudu leh ku cai, cenah ka Ajengan. Ku sabab diajarna leuwih enya-enya, sakitu taun ti harita, masantrnna teu burung tamat. Kabjakeun ta santri belet th, nepi ka boga pasantrn ged, sarta sohor ajengan luhung lmuna.

Anda mungkin juga menyukai