Anda di halaman 1dari 3

KHUTBAH IDUL ADHA 1434 H

HAKEKAT QURBAN
OLEH : MOHAMMAD ARSIN,S.Pd.I










Hadirin sidang Idul Adha anu mulya
Puji nu maranti urang sanggakeun ka dzat anu maha suci yakni Allah Robbul izzati, Puja nu jadi
pangias rasa urang sanggakeun ka dzat anu maha kawasa yakni Allah Azza wajalla,di pirig ku
galindeungna dua kalimah syahadat, hamo lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang mugia urang
sadayana tiasa tetep renggenek lan istiqomah dina enggoning Taat ka dzat anu nampi Tobat.
Shalawat miwah salam mangrupikeun hiji doa nandakeun kadeudeuh tur kameuemeut ka
jungjungan urang sadayana anu pang nyongclangna sa alam martapada, sok sanaos rebuan taun tos teu
aya sengit ngadalinding keceluk ka awun awun katenar kajumantara
Hadirin siding idul adha anu mulya
Khotib wasiat ka diri pribadi sareng ka sadayan kaum muslimin wal muslimat supados Taqwa ka
Allah SWT. Kalawan taqwa anu sanyata nyata na yakni dina jero hartos :

Ngalaksanakeun sadaya parentahanana nebihan kana sadaya laranganana
Sarengsena ngalaksanakeun shalat sunat idul adha dugi ka surup panon poe tanggal 13 Dzulhijjah
disunatkeun meuncit hewan kurban,anu dagingna dibagikeun utamina ka fakir miskin.
Dina meuncit kurban urang nyawang kana kajadian rebuan tahun ka tukang yakni pengorbanan
Nabi Ibrohim sinareng putrana yakni Nabi Ismail dina enggoning ngalaksanakeun parentahan Allah SWT,
Nabi Ibrohim ikhlas tur ridho ngorbankeun putrana di peuncit ku panangan anjeuna nyalira,nyakitu deui
nabi ismail pasrah sumerah kalawan ikhlas ngorbankeun nyawana demi ngestu turut tumut kana
parentahan Allah SWT. Allahu Akbarkacida agungna eta pangorbanan anak jeng bapak.

!. _l, -. _-.l _! _.,., _.| _ _ ,!..l _. ,>: L.! :!. _. _! ,!., _-
!. `.. _..>.. | ,!: < _. _..l _
Nalika duanana ( Nabi ibrohim jeng Nabi Ismail ) ges pasrah sumerah,ibrohim ngedengkeun
ismali,palipisna di antelkeun kana taneuh, Allah ngagero ka Nabi Ibrohim : Wahai Ibrohim anjeun geus
ngabenerken eta impian,saenyana kami geus ngawales ka jalma jalma anu midamel ka hadean
saenyana eta teh jadi ujian anu nyata jeng ku kami di tebus eta ismail ku gibas anu gede.

Hadirin anu mulya
Pangorbanan Nabi ibrohim sareng nabi ismail ngandung hikmah sareng ngarupakeun hiji
perlambang keur sakabeh umat islam, yen sakabeh umat islam dina enggoning ngabela sareng
nanjerkeun agama kudu wani berkorban sagala-galana,korban harta,korban waktu,korban
tanaga,malahan lamun perlu korban nyawa, syiar islam moal katingali cahayana lamun kaum muslim
alim berkorban


"Salagi pangorbanan dikalangan ummat islam leungit atawa lemah pasti moal bisa di harepkeun salilana
ka unggulanana."

Meuncit kurban lahiriahna mang rupa sodaqoh daging hewan qurban,tapi hakekatna mah
nyaeta marentahkeun ka urang sadayan supaya taqwa,turut tumut kana parentahan Allah SWT. Ku
mangrupa daek berkorban, sabab lain mangrupa daging atawa getih hewan qurban anu dugi kana ka
ridoan Allah SWT, tapi kataqwaan urang anu mantak ngahontal kana ridhona Allah SWT.

Hadirin anu mulya
Kanggo ka sadayana kaum muslimin anu parantos di pilih ku Allah SWT ngalaksanakeun ibadah haji dina
taun ieu urang doaken mudah mudahan selamet dina perjalananana,kenging haji anu mabrur tur
mabruroh. Ibadah haji the di wajibken mung Saumur hirup sakali, kadua katilu jeng satrasna mah eta
hukumna sunat.
Dina ibadah haji aya sababaraha pelajaran anu bisa di petik ku urang sadayana,nyaeta ngadidik
ka urang supaya taat kana aturan Allah, rek jalma nu kumaha wae jabatanana,kos kumaha wae
pangkatna,rek profesor atawa lain teu aya nu protes di titah ngulilingan kabah 7 kali nalika thowaf
sanajan padumpel-dumpel jeng nu sejen,lumpat leutik anatara shofa jeng marwah, papanasan di padang
arafah,jeng deui teu aya perbedaan warna nalika pake baju ihrom sadayana bodas,rek pejabat atawa
lain,sadayana sami sabab nu ngabedakeun di payuneun Allah mah nyaeta Taqwa.

| >. ..s < >1. | < ,ls ,,> _

"Saestuna jalma anu mulya dianatara aranjeun di payuneun Allah nyaeta jalma anu pang takqwana
diantara aranjeun."

Dina ngalaksanakeun sai nyaeta leumpang ngincid anatara shofa jeng marwah tujuh balik eta
ngandung pelajaran napak tilas siti hajar istrina nabi ibrohim anu sabar,ulet tur gesit nalika anjeuna jeng
orokna yakni nabi ismail di tinggalkeun ku nabi ibrohim di gurun pasir. eta siti hajar sareng nabi ismail
ngan di bekelan cai sa dirigen leutik jeng sabeureuneuk korma,ngan cukup ker sababarah
poe,cisaneureup tos seep, da puguh cai teu aya di gurun pasir mah, siti hajar tetep mantep ngabelaan
orokna yakni nabi ismail neangan cai bulak balik ti bukit shofa ka bukit marwah nepi ka tujuh balik bari
ngadoa ka gusti Allah, akhirna doa siti hajar di ijabah ku gusti Allah SWT, teu jauh ti tempat nabi ismail
kaluar cai ti jero taneuh anu ayeuna katelah ku ngaran cai zam-zam.

Hadirin anu mulya
Tina eta kisah urang tiasa nyandak pelajaran yen salaku istri anu di tinggalkeun berjuang ku suamina
kudu daek sabar,tawakal,tur berjuang sarta berkorban ker ngahontal kana rido Allah SWT.
Sarengsena urang idul adha hayu sami-sami urang ngaronjatkeun sumanget ngajalankeun
ibadah,kalawan daek berkorban di jalan Allah SWT.

Anda mungkin juga menyukai