Anda di halaman 1dari 16

TUTUNGKUSAN

WARISAN KARUHUN
SUMEDANG

ku
E. Kosmayadi
Bubuka
Ungkara anu mindeng dikaitkeun
jeung kecap Sumedang :
Sumedang Larang
Sumedang Ngarangrangan
Sumedang Kota Kamelang
Sumedang Kota Buludru
Sumedang Tandang
Sumedang Kota Budaya
UNSUR JEUNG WUJUD BUDAYA

Sistim Budaya Sistim Sosial Kabudayaan fisik

B a s a
T e k n o l o g i

E k o n o m i
Unsur BUDAYA M a s a r a k a t

P a n g a w e r u h

K a p e r c a y a a n

K a s e n i a n

ide aktivitas hasil


SISTIM BUDAYA SUMEDANG

• Basa
• Teknologi
• Ekonomi



Masarakat
Pangaweruh
Kapercayaan
SUMEDANG
?
• Kasenian
WUJUD BUDAYA SUMEDANG TINA UNSUR BASA

Ajen-inajen, ide-
Sistim Budaya ide, norma-norma

Laku-lampah

BASA Sistim Sosial dina kahirupan


sapopoe

Kabudayaan Fisik
Buah (hasil) tina
laku-lampah
AJEN-INAJEN DINA SISTIM
BUDAYA SUMEDANG
 MIPIT KUDU AMIT
 NGALA KUDU MENTA
 ATI SUCI TUANG HALAL
 NGADEK SACEKNA NILAS SAPLASNA
 ULAH LANCA LINCI LUNCAT MULANG
 ULAH UDAR TINA TALI GADANG
 ULAH SOK NGALETAK CIDUH
LAKU-LAMPAH DINA SISTIM SOSIAL
MASYARAKAT SUMEDANG

Mipit kudu amit :


• Tarapti dina sagala rupa pagawean
• Memeh prak digawe mancegkeun heula
paniatan
• Tara ngadahar dahareun anu lain
dahareunana
• Tara make pakean anu lain pakeeunana
Ngala kudu menta :
• Tara gasab, ngarampog, maok/maling,
nipu, ngarah ngarinah.
• Tara wani make/ngadahar harta deungeun
teu karana aya idin tinu bogana
• Tara tambarakan
• Tara makmak-mekmek, hawek, harak
jeung sarakah
Ati suci tuang halal :
• Tara hiri dengki, sirik pidik jail kaniaya.
• Salawasna asak hampura, asih kanu
leutik, nyaah ka sasama, hormat ka
saluhureun, darehdeh someah hade ka
semah.
• Tara ngadahar barang haram, sarta
ngajauhan mabok, madat, maling, madon,
jeung mateni.
Ngadek sacekna nilas saplasna:
• Henteu leuir pikir hawara biwir
• Asak tinimbangan.
• Panceg, tandes, cindek, daria sarta
henteu pucuk-awian.
• Landung kandungan, laer aisan, leuleus
jeujeur liat tali jeung tara getas harupateun
• Dina nyarita, sagolek pangkek sacangreud
pageuh.
Ulah lanca-linci luncat mulang:
• Tigin kana jangji, satia kana lisan.
• Mun geus nyebut sanggup, ulah mundur
sasiku ulah ngejat satunjang beas.
• Mibanda jiwa satria, jujur, satia, jeung
sadrah tumarima kana kadar sabada
ihtiar.
Ulah udar tina tali gadang :
• Taat tur satia kana undang-undang jeung
aturan
• Tara ngarempak cegahan
• Tara hianat
• Tara mengpar tina tetekon agama jeung
adat kabiasaan
• Sanggup nanggung akibat tina laku-
lampahna pribadi.
• Tara rusuh nyalahkeun batur
Ulah sok ngaletak ciduh :

• Tara menta deui barang anu geus


dibikeun
• Moal gagabah dina nyarita
• Waspada, moal kabawa ku sakaba-kaba
Hasil (buah) tina laku lampah
• Getih anu ngocor dina sakujur awak beresih, moal
kacampuran ku dahareun anu haram. Apik dina
neangan kipayah/pangupa jiwa.
• Hirupna waspada tur ati-ati, moal daek ulu-ala atawa
cakat-cokot kana barang batur, da sieun ngotoran
diri.
• Hirup basajan, beunghar hate, henteu nganyerikeun
batur.
• Tandes dina nyieun kacindekan, tara mandeg
mayong, sarta moal loba kahariwang.
• Dipercaya, tara hianat jeung jalir jangji,
• Dina ngalaksanakeun pancen hirup sineger tengah,
sabab gugon kana papagon, satia kana aturan
(loyal).
• Moal aya basa ngomong sore teu kapake isuk.
KACINDEKAN
Jalma anu ngagem aji Kasumedangan
weduk, teu teurak dikadek, tara gering,
saciduh metu saucap nyata.
LAIN SKTI
tapi
moal boga musuh,
henteu sulit ati belang bayah,
omonganana digugu ku balarea
sabab dipercaya dumeh tara jalir jangji
Pamungkas………….

Anda mungkin juga menyukai