Anda di halaman 1dari 1

Si Manis jeung Si Belang

Kacaritakeun aya dua anak ucing sosobatan, Nu hiji ucing gedongan, buluna
beresih,warnana coklat, palebah beuheungna make pita. Eta anak ucing nu lucu teh
ngaranna si Manis. Nu hiji deui ucing teh ngaranna si Belang. Buluna koneng jeung aya
bintik hideung. Cicing di imah panggung, gigireun imah gedong si Manis.
Dina hiji poe, duanana bareng arulin ngurilingan taman. Di taman loba
kekembangan keur laligar. Aya kembang eros, malati, jeung anggrek. Salian ti eta, aya
oge tutuwuhan nu keur baruahan, buah nangka, jambu, alpuket katingal mani laleubeut.
Dina handapeun tangkal si Manis jeung si Belang arulin. Keur jongjon arulin
torojol si Jabrig, anjing hideung nu sok ngaganggu boh ka barudak, boh ka sasatoan sejen
nu keur ulin di eta taman. Bari ngagonggong si Jabrig ngaganggu si Manis jeung si
Belang.
Atuh si Manis jeung si Belang pating beretek lalumpatan. Si Jabrig ngudag si
Manis jeung si Belang. Tapi teu ka udag ku si Jabrig.
Si Manis jeung si Belang ngarandeg eureun lumpatna, katara carapeeun naker. Si
Manis kakara inget yen manehna geus kasasar. Manehanana ngarasa lapar.
Si Manis eong-eongan ceurik teu apaleun jalan balik. Ningali kitu si Belang
karunyaeun, gancang ngupahan si Manis. Bari ngusapan pok manehna ngomong,
“Eong…eong…, tong hariwang Manis, apan aya kuring di dieu. Kuring apal jalan
mulang.”
Teu lila didinya, duanana marulang leumpang lalaunan. Sapanjang jalan si Manis
jeung si Belang pada ocon. Teu karasa, duauana geus tepi deui ka imahna. Atuh si Manis
atoheun pisan. “Eong…eong…nuhun belang, anjeun geus nulungan kabingung kuring. Ti
ayeuna, anjeun teh sobat kuring nu sajati.”

Anda mungkin juga menyukai