Anda di halaman 1dari 4

Definisi Teu aya poe kaliwat ngalalajoan tivi, eta mangrupa gambaran masyarakat di zaman ayeuna.

TV atawa Televisi nyaeta hiji media telekomunikasi nu penting pisan kaayaanna kanggo manusa. Televisi mangrupa media nu mibogaan fungsi narima siaran gambar anu hirup, nu dihijikeun jeung sora, ayanu mangrupa monokrom/hideung bodas nepika nu warnaan. Sajarah Televisi Dina danget ieu bade dibahas sajarah televisi. Televisi tiasa disebat kotak televisi. Kata Televisi asalna tina kata tele (bahasa yunani) nu hartina jauh jeung visio (bahasa latin) nu hartina paningalian. Jadi, Televisi nyaeta media telekomunikasi nu tiasa ditingali tina jaraknu jauh. Pamanggihan televisi mangrupakeun pamanggihan nu tiasa ngarubih paradaban dunia sapertos pamanggihan roda. Dina taun 1930-an, kotak televisi nu dijual pangkahijina tos mibogaan fungsi kanggo alat nu narima komunikasi utama di jero imah, perdagangan jeung institusi. Dina danget eta televisi mibogaan fungsi kanggo hiburan jeun sumber imformasi mangrupa warta. Rincian Mekarna Televisi Televisi nyaeta hiji pamanggihan nu teras dikembangkeun tina waktos ka waktos. Awal ayana televisi teu tiasa dipegatkeun tina pamanggihan hukum elektromagnetik ku Joseph Henry jeun Michael Faraday dina taun 1831. Dina Masa ieu mangrupakeun awal komunikasi elektronik. Berikut pamekaran televisi. y George Carey (1876) ngadamel selenium camera nu tiasa ngajieun jalma ningali gelombang listrik jeung akhirna disebat sinar katoda. y Panggagas nu mimiti nu ngagunakeun istilah televisi nyaeta Constantin Perskyl ti Rusia (1900) y Dina 1907, dua jalma nu jenenganna Campbell Swinton jeung Boris Rosing ngalakukeun cocobaan papisah ngagunakeun sinar katoda kanggo ngirim hiji gambar. y Televisi warna diciptakeun ku Peter Goldmark dina taun 1940

y Hiji lembaga RCA ngenalkeun layar LCD nu pangawalna dina atun 1968 y Dina taun 1995, Larry Weber sukses nyiptakeun layar plasma nu leuwih stabil jeung cemerlang. y Dina taun 2000-an, panyampurnaan layar teknologi dipigawe kangge LCD jeung Plasma CRT. Jenis Televisi y Televisi Analog. Televisi jenis ieu nginformasikeun gambar ku cara ngavariasikeun frekuensi tina sinyal. y Televisi Digital, nyaeta alat nu fungsina newak siaran tv digital. Televisi jenis ieu mangrupa pamekaran tina sistem siaran analog ka sistem digital. Peran Sentral televisi dina dunia dewasa ieu y Ngaluaskeun wawasan jeung ngabukakeun cakrawala. Televisi ibaratkeun jendela dunia dimana urang tiasa ningali sagala kaayaan di luar y Nurutkeun Victor Starburger, dokter spesialis anak, TV nyaeta karuhun elektronik katilu y Nurutkeun Marva Dawn, The Major agent of socialization atawa Agen Sosialisasi nu Utama y Nurutkeun pakar islam Jallaludin Rachmat, Lain Allah kadua, milainkeun Allah kahijina Salah Sahiji Siaran Televisi basa sunda Di taun ayeuna teu tinggaleun siaran televisi nu nuansana nuansa sunda. Nu salah sahijina siaran Bandung TV Bandung TV nyata setasion televisi (TV) lokal swasta munggaran di dayeuh Bandung, Jawa Kulon. Minangka wadah krativitas masarakat Sunda, Bandung TV, tlvisi lokal munggaran di Bandung sarta Jawa Kulon nitikbeuratkeun program acarana dina usaha nyaangan masarakat dina sagala aspk kahirupan kalawan dadasar seni budaya. Titik beurat ieu dipilih alatan seni budaya mangrupakeun titik puseur kahirupan anu ngusikkeun dimnsi sosial sarta konomi masarakat. Kalawan ayana usaha ngahirupkeun deui jatidiri

wewengkon Jawa Kulon, nangtungna Nagara Republik Indonsia dina kabinkaan baris kabiruyungan. Setasiun ieu bisa diakss ngaliwatan parigi (saluran) 38 UHF. Sloganna JATI DIRI PASUNDAN ditujukeun pikeun ngangkat deui ajn-inajn budaya sarta potnsi lokal anu aya di Jawa Kulon umumna sarta Bandung hususna minangka dayeuh puseur propinsi. Logo Bandung TV diwangun ku sawatara unsur nyata Kembang Cangkok Wijayakusumah, Kujang, sarta tulisan BANDUNG mangrupa manunggaling Tri Tangtu di Buana, nyata sang Rama, sang Resi, sarta sang Ratu, atawa mangrupa hakkat tina sipat manusa linuhung anu silih asih, silih asah, sarta silih asuh.

Dampak Positif & Negatif Televisi Televisi nu mangrupa sarana hiburan, ahir-ahir ieu mikeun hal positif kanggo kahirupan, ngan urang oge kedah ngawaspadaan ayana pangaruh goreng tina televisi, utamana kanggo murangkali alit sareng rumaja, nu pangaruhna kana perkembangan murangkali atawa rumaja nu mibogaan psikis nu labil. Dampak Positif ngangge Televisi sacara Psikologis, nyaeta: y Televisi tiasa jadi salah sahiji hiburan nu utama, kusabab tiasa ngaleungitkeun kajenuhan y Televisi tiasa jadi informasi nu nyajikeun ragam warta dalam negeri nepika luar negeri y Lamun televisi nyajikeun acara-acara nu aya kaitana sareng pendidikan, tentuna hal ieu mangpaat pisan kanggo para nonoman. Para nonoman tiasa nyandak mangpaat mangrupi informasi pendidikan dina acara eta. y Televisi loba nampilkeun tokoh-tokoh nu mibogaan pangaruh alus dina dunia pendidikan, dunia usaha, dunia hiburan, jsb. Figur-figur nu ditampilkeun dina televisi tiasa micu urang kanggo miconto kesuksesan anjeunna. Dampak negatif ngangge Televisi sacara Psikologis, nyaeta: y Pangaruh negatif nu pang utamana nyaeta lalajo kana tivi jadi poho kana waktos, mun tos nonton tivi matak males ngagawekeun hiji pagawean. Kanggo palajar mah kacida rugi pisan bisa poho kana diajar.

y Lobana acara-acara nu teu ngadidik tiasa ngaruh kana kajiwaan hiji jalma. Contona film kajahatan atawa warta kriminal nu teu pantes dilalajoan ku murangkali atawa rumaja, kusabab maranehna bisa niru adegan anu dilalajoannan y Lalajo nu katutuluyan tiasa ngaruksak kana kesehatan mata, jeung kana awak teu biasa digawe beurat ngabalukarkeun awak jadi lemah jeung lemes. y Televisi tiasa ningkatkeun daya konsumtif masyarakat. Dina Televisi loba pisan iklan-iklan anu nyajikeun sagala rupa barang. Saha wae tiasa jadi korban iklan eta y Nyita loba waktu. Rata-rata orang amerika lalajo tv opat setengah jam sahari. Sedengkeun waktos nu digunakeun kanggo nyarios jeung pasangan hirupna ngan 4-5 menit, 30 detik jeung murangkalina. y Ngurangan daya pikir kreasi jeung imajinasi. Televisi nawarkeun sagala sesuatu sacara visual jeung instant. Pikiran teu dibere waktos jeung kesempetan kanggo nyiptakeun sorangan. y Ngurangan daya pikir logis jeung linear. Neil Postman nuliskeun lamun media tv leuwih mere penekanan kana parasaan jeung hiburan katimbang pamikiran rasional y Kabentukna nilai-nilai jeung gaya hidup nu kirang sehat, nyaeta: o Kirang ngahargaan proses . Di layar TV sagala rupa lumangsung sacara gancang. Dampakna nimbulkeun kahayangna lewat jalan pintas o Leuwih ngahargaan bungkusan tibatan eusina . Tv leuwih mokuskeun promosi bungkus, katimbang eusina, sababna modelmodel iklan dipilih nu geulis jeung boga awak alus. Hal-hal eta anu ditekenkeun ku maranehna jadi nganilai jelema lain kudu dumasarkeun kana jiwana hiji jelema, lain diukur ku dasarna hungkul o Kusabab nu jadi sumber utama eusi siaran TV nyaeta program nu dihasilkeun ti Barat, teu heran timbul rasa agung ka naon wae nu acara TV ti Barat.

Anda mungkin juga menyukai