Anda di halaman 1dari 3

Wasta : Dewi Kusuma Ningtyas

Kelas : XII IPA 4

Panumbu Catur Paturay Tineung Kelas XII

Assalamualaikum Wr. Wb.

Bismillah awal bubuka ning kalimah, diri nu laif raga nu tuna lumampah
anging kersaning mantena. Alhamdu nu jadi pangwasuh qolbu, ngubah rasa
dina dada ujub ria eujeung subat. Puji nu jadi pangais ati, urang sanggakeun ka
Gusti illahi Robbi nu nyakrawati ti satungkeb wiati. Puja nu jadi panyangsang
rasa ngan ka Dzat nu Maha Kawasa, nu ngariksa raga, sukma nyawa alam jeung
pangeusina.

Dina dinten anu santen, wanci anu asri sumping milik tur wening diwuwuh ku
rahayu, nyandak manah nu can nembrak, dipapag kabagjaan urang sadaya
tiasa ngumpul bari ngariung amprok jonghok, bari sono patepang raray dina
raraga paturay tineung kelas XII.

Solawat sinareng salam mugi tetep dilelerkeun ka makhluk nu pangpunjulna,


hamba nu pangmulyana Habibana Wanabiyyana Muhammad SAW ngocor
ngagolontor ka kulawargana, sumarambah ka para sohabatna, natra atra tur
dugi ka urang sadayana.

Langkung tipayun simkuring seja nyanggakeun pangwilujeng, rhna


siswa-siswi kelas XII parantos lulus Ujian Nasional taun 2014.

Sateuacana, didieu aya sababaraha rupi acara. Simkuring bad


medarkeun heula runtuyan acarana dianawisna :

1. Bubuka
2. Aosan Ayat Suci Al-Quran
3. Pidangan Lagu ti Paduan Suara SMA Negeri 1 Singaparna
4. Laporan ti pupuhu panata calagara
5. Kedal lisan ti pupuhu sakola
6. Kedal lisan ti komite sakola
7. Kedal lisan ti Dinas Pendidikan
8. Pidangan upacara adat prosesi paturay tineung kelas XII
9. Kedal lisan ti wawakil kelas XII
10.Kedal lisan ti wawakil kelas X sareng kelas XI
11.Doa
12.Panutup

Supados teu nyangkolong kana waktos, sumangga urang kawitan wae


ieu acara ku aosan Basmallah sasarengan.

Bismillahirrahmaanirrahiim

Hadirin anu ku simkuring dipihormat, salajengna urang sami-sami


regepkeun aosan ayat suci Al-Quran anu seja didugikeun ku sadrk Rima
Nopita. Ka sadrk Rima Nopita dihaturanan.

Hatur nuhun ka sadrk Rima Nopita anu parantos maoskeun ayat suci
Al-Quranna.

Nincak kana acara anu katilu, urang nyaksni mangrupi pidangan lagu ti
paduan suara SMA Negeri 1 Siingaparna.

Salajengna nyata laporan ti pupuhu panata calagara. Ka Bapak Endang


Solih dihaturanan.

Ngahaturkeun nuhun ka Bapak Endang Solih anu tos masihan arahan


kana ieu acara.

Lajeng acara anu kalima kedal lisan ti pupuhu sakola. Bapak Drs. Anda
Sujana anu ku simkuring dipihormat dihaturanan.

Ngahaturkeun nuhun ka Bapak Drs. Anda Sujana anu tos nyanggakeun


kedal lisanna kana ieu acara.

Salajengna nyata kedal lisan ti komite sakola. Bapak Agus Nurjaman anu
ku simkuring dipihormat dihaturanan.

Ngahaturkeun nuhun ka Bapak Agus Nurjaman anu tos nyanggakeun


kedal lisanna kana ieu acara.
Nincak kana acara anu katujuh, nyata kedal lisan ti pupuhu Dinas
Pendidikan. Bapak H. Dede Zaenal Abidin anu kusimkuring dipihormat
dihaturanan.

Ngahaturkeun nuhun ka Bapak H. Dede Zaenal Abidin anu tos


nyanggakeun kedal lisanna kana ieu acara.

Ayeuna urang nincak kana acara puncak, mangrupi pidangan upacara


adat prosesi paturay tineung kelas XII. Mangga dilajengkeun ku panumbu catur
kasenian.

Lajeng acara anu kasalapan kedal lisan anu bad miang ti wawakil kelas
XII. Ka sadrk Cepi Wargani dihaturanan.

Ngahaturkeun nuhun ka Cepi Wargani anu tos nyanggakeun kedal


lisanna.

Salajengna nyaeta kedal lisan anu bad dikantunkeun ti wawakil kelas X


sareng kelas XI . Ka sadrk Auliyaa Abdul Gifari dihaturanan.

Ngahaturkeun nuhun ka Auliyaa Abdul Gifari anu tos nyanggakeun kedal


lisanna.

Acara anu terakhir nyata doa anu bade didugikeun ku Bapak H. Iin
Zaenal Mutaqin dihaturanan.

Ibu miwah Bapak anu ku simkuring dipihormat. Runtuyan acara parantos


dilakonan. Rupina ieu acara th urang pungkas wae, simkuring salaku panumbu
catur neda dihapunten samudaya kalepatan. Hatur nuhun kana
perhatosannana. Mangga urang tutup ku aosan Hamdallah sasarengan.

Alhamdulillahirobbilaalamin.

Wassalamualaikum Wr. wb

Anda mungkin juga menyukai