Anda di halaman 1dari 1

WASTA : RIZKY AKBAR GUSNAEN

KELAS : VII G

BIOGRAFI CUT NYAK DHIEN

Cut Nyak Dhien dibabarkeun di kulawarga bangsawan nu taat kana agama di Lamdinang, wilayah VI
Mukim dina tahun 1848. Ramana nu namina Teuku Nanta Setia, mangrupi uleebalang VI Mukim, tur
katurunan Machmoed Sati, nu ngumbara ti Sumatera Barat. Machmoed Sati kamungkinan dongkap ka
Aceh dina abad ka 18 waktos kesultanan Aceh diparentah ku Sultan Jamalul Badrul Munir. kumargi eta,
Ramana Cut Nyak Dhien ngagaduhan darah ti Minangkabau. Ibu Cut Nyak Dhien nyaeta putri
Uleebalang Lampagar.

Waktos alitna, Cut Nyak Dhien mangrupi gadis nu kakoncara kageulisanna. Anjeunna kenging atikan
dina widang agama (nu dididik ku sepuhna atanapi guru agama) sareng lingkungan kulawargana
ngagaduhan kabiasaan ngatik budak gadis pikeun : masak, ngalayanan caroge, tur taat kana atikan. Seueur
pameget nu kapincut ku Cut Nyak Dhien sareng pada ngalamar.

Dina yuswa 12 tahun, anjeunna tos dinikahkeun ku sepuhna, nyaeta


taun 1862 sareng Teuku Ibrahim Lamnga, putra ti Uleebalang Lamnga
XIII. Aranjeunna ngagaduhan hiji-hijina putera pameget.

Teuku Umar, salah sahiji tokoh nu melawan Walanda, ngalamar Cut


Nyak Dhien. Kawitna Cut Nyak Dhien nolak, tapi kumargi Teuku
Umar ngawidian pikeun ulubiung di medan perang, Cut Nyak Dhien
satuju pikeun rimbitan sareng anjeunna dina tahun 1880 nu
nyababkeun ngahudangkeun moral pasukan perlawanan Aceh.
Aranjeunna dipaparin budak isteri nu dipasihan nami Cut Gambang.

Saatos rimbitan sareng Teuku Umar, anjeunna sareng Teuku Umar


tempur ngalawan Walanda. Mung, Teuku Umar gugur waktos nyerang Meulaboh dina tanggal 11
Februari 1899, nu nyababkeun anjeunna berjuang nyalira di pedalaman Meulaboh sareng pasukan alit.

Cut Nyak Dien waktos eta tos sepuh tur ngaggaduhan panyakit encok sareng rabun, numawi pasukanna
nu namina Pang Laot ngalaporkeun kaayaan anjeunna, alatan ngaraos iba. Anjeunna akhirna ditangkep tur
dicandak ka Banda Aceh. Ti dinya, anjeunna dirawat sareng panyawatna mulai damang. Kaayaan
anjeunna ngahudangkeun sumanget perlawanan rakyat Aceh tur kalayan bubunian masih hubungan
sareng pejuang Aceh nu teu acan katangkep, alatan hal eta, anjeunna dialihkeun ka Sumedang. Tjoet
Nyak Dhien pupus dina tanggal 6 November 1908, kalayan dimakamkeun di Gunung Puyuh, Sumedang.

Cut Nyak Dhien nyaeta Pahlawan Nasional Indonesia ti Aceh nu berjuang ngalawan Walanda dina
waktos Perang Aceh. Waktos wilayah VI Mukim diserang, anjeunna ngungsi, sementawis carogena
Ibrahim Lamnga tempur ngalawan Walanda. Ibrahim Lamnga pupus di Gle Tarum tanggal 29 Juni 1878
nu nyababkeun Cut Nyak Dhien janten ambek tur sumpah bade ngahancurkeun Walanda.

Sumber: http://makalahtugasku.blogspot.co.id/2013/09/biografi-pahlawan-dalam-bahasa-sunda.html

Anda mungkin juga menyukai