Anda di halaman 1dari 4

Niat abdi wudhu karena ngilangkeun hadats alit fardunlillahi ta’ala

Niat abdi solat maghrib tilu rokaat madep ka kiblat lillahi ta’ala

Niat abdi solat isya opat rokaat madep ka kiblat lillahi ta’ala

Niat abdi solat shubuh dua rokaat madep ka kiblat lillahi ta’ala

Niat abdi solat dhuhur opat rokaat madep ka kiblat lillahi ta’ala

Niat abdi solat ashar opat rokaat madep ka kiblat lillahi ta’ala

Niat abdi solat dhuhur bari dijama’ ka solat asar opat rokaat madep ka kiblat lillahi
ta’ala

Niat abdi solat asar bari dijama’ ka solat dhuhur opat rokaat madep ka kiblat lillahi
ta’ala

Du’a Iftitah

Allah maha agung kawang saenyana, sadaya puji milik Allah kalawan puji nu seueur,
maha sucii Allah dina wanci isuk sareng pasosore. Saesuna abdi ngahadepkeun diri
abdi ka Dzat Nu nyiptakeun langit sareng umi kalawan hanif (condong kana bener)
sareng sumerah diri, henteu pisan abdi kalebet jalma nu musyrik. Saestuna sholat
abdi, ibadah abdi,hirup abdi sareng maot abdi eta milik Allah pangeran sadaya alam.
Teu aya sekutu pikeun Allah nya kitu abdi diparentah sareng abdi kalebet jalma
muslim.

Ruku

Maha suci pangeran abdi Nu maha Agung sadaya puji Milik Allah.

I’tidal

Pangeran abdi sadaya sadaya puji milik Gusti, sapinuh langit , sapinuh bumisareng
sapinuh sapinuh sagala nu Gusti ngersakeun

Sujud

Maha suci pageran abdi nu maha luhur saday puji milik Allah

Antara dua sujud

Pangeran abdi mugi ngahampura, maparin rohmat,ngangkat darajat, maparin rijki,


ngaraksa sareng ngahapunten abdi

Tahiyat awal
Sadaya panghormatan,kaberkahan,rohmat sareng kasaean eta milik Allah, mugi
kasalametan, rohmat sareng kaberkahan Allah mugi tetep ka kanjeng Nabi, mugi
kasalematan mugi tetep ka abdi sadaya sareng hamba Allah anu soleh. Abdi nyaksi
teu aya pangeran anu wajib disembah anging Allah sareng abdi nyaksi saenya nabi
Muhammad utusan Allah. Ya Allah mugi maparin rohmat kasalametan ka kanjeng
nabi Muhammad.

Tahiyat akhir

Sadaya panghormatan,kaberkahan,rohmat sareng kasaean eta milik Allah, mugi


kasalametan, rohmat sareng kaberkahan Allah mugi tetep ka kanjeng Nabi, mugi
kasalematan mugi tetep ka abdi sadaya sareng hamba Allah anu soleh. Abdi nyaksi
teu aya pangeran anu wajib disembah anging Allah sareng abdi nyaksi saenya nabi
Muhammad utusan Allah. Ya Allah mugi maparin rohmat kasalametan ka kanjeng
nabi Muhammad sareng keluarga na sakumaha Gusti parantos maparin rohmat ka
kanjeng nabi Ibrohim sareng keluargana. Mugi Gstimaparin kaberkahan ka kanjeng
nai Muhammad sareng keluargana sakumahaGusti tos maparin kaberkahan ka
kanjeng nabi ibrohim sareng keluargana di dunya. Saestuna Gusti maha pinuji
sareng maha agung.

Salam

Dzikir bada solat

Abdi nyuhunkeun maghfiroh ka Allah nu maha agung teu aya pangeran anging Allah
nu maha hirup sareng salawasna ngaping ngajaring mahlukna adi tobat ka Allah.

Teu aya pangeran anging Allah nu maha hiji teu aya sekutu pikeun Allah milik Allah
sadaya karajaan sareng sadaya puji nuNgahirupkeun sareng ngamaotkeun sareng
Allah nu maha kawasa kana sagala perkara.

Ya Allah Gusti nu maha maparin kasalematan, nya ti gusti asal sagala kasalametan
sareng mung ka gusti mulang sagala kasalametan.mug Gusti ngahirupkeun abdi
sadaya kalawan salamet, lebetkeun abdi sadaya ka surga tempat kasalametan . Gusti
maha barokah sareng maha luhur dzat nu maha Agung sareng maha berehan.

Ya Allah teu aya nu bisa nyegah kana sagala perkara nu Gusti tos maparin, sareng
moa aya nu bisa maparin kana sagala perkara nu tos nyegah gusti sareng teu aya nu
bisa nolak kana perkara nu tos ditetepkeun ku Gusti sareng teu aya nu bisa maparin
kamangfaatan anging Gust.

Niat solat mayit

Niat abdi solat mayit opat takbi madep ka kiblat fardhu kifayah lillahita’ala
Du’a

Ya Allah saestuna abdi nyhunkeun elmu nu mangfaat rizki nu sae sareng amalan nu
makbul

Maha suci Gusti sareng maha pinuji, abdi nyaksiteu aya pangeran nu wajb disembah
anging Gusti, abdi nyungkeun maghfiroh sareng tobat ka Gusti

Ya Allah mugi ngaberkahkeun rizki abdi sadaya sareng ngaraksa abdi sadaya tina
siksa naraka

Sadaya puji milik Allah u parantos maparin katuangan sareng inuman sareng
ngajadikeun abdi sadaya muslim

Bade wudhu

Sadaya puji milik Allah nu tos ngajadikeun cai suci

Ba’da wudhu

Abdi nyaksi teu aya pangeran nu wajib disembah anging Allah nu maha tungggal eu
aya sekutu pikeun Allah. Abdi nyaksi saenyana nabiMuhammad abdi Allah sareng
Rosul-Na. ya Allah mugi ngajadikeun abdi jalmi nu tobat anu nyucikeun diri sareng
mugi ngajadikeun abdi kalebet abdi gusti nu soleh

Du’a bade mondok

Kalawan nyebat jenengan Gusti ya Allah abdi hirp sareng kalawan jenengan Gusti
abdi maot

Sadaya puji milik Allah nu tos ngahirupkeun abdi saatos ngamaotkeun abdi sareng
mung ka Gusti pangbalikan abdi

Ngeunteung

Ya Allah sakumaha tos nyampurnakeun jasad abdi mugi Gusti nyampunakeun ahlak
abdi

Asup Ka masjid

Ya Allah mugi mukakeun panto-panto rohmat ka abdi

Kaluar masjid

Ya Allah mugi mukakeun panto-panto kautamaan ka abdi

Du’a keur indung bapa


Ya Allah mugi maparin maghfiroh ka abdi, ka indung bapa abdi sareng mugi maparin
rohmat sakumaha aranjeun mikanyaah ka abdi dina waktu budak

Nganggo raksukan

Ya Allah abdi nyuhunkeun kasaean eta raksukan sareng abdi nyalindung ka gusti
tina kagorengan eta raksukan.

Anda mungkin juga menyukai