Anda di halaman 1dari 15

Peserta 013

NASKAH DRAMA RUMAJA



D U R U M









TEMPAT KAJADIAN
Di hiji tempat di jaman ayeuna.

PAMAEN/GENG DURUM
· DALANG
· HIJI-DUA-TILU-OPAT
· KESIH SUKESIH-AJI KATAJI-KUTU BUKU-CACING CAU
SALAKI-PAMAJIKAN-JUNKIE-PENYIAR-AKTRIS-AKTOR

Jumlah pamaen fleksibel. KESIH, AJI, KUTU BUKU, CACING CAU,
SALAKI, PAMAJIKAN, jste bisa piligenti dipaenkeun
ku HIJI, DUA, TILU, jste.
Anggota “Geng Durum” bisa saloba-lobana.

1
TI SATUKANGEUN PANGGUNG KADENGE SORA-SORA DISADA: “DURUM
DURUM DURUM DURUM DURUM…” JEUNG SATERUSNA, PATEMBALAN.
KABEH PAMAEN ASUP NGABARIS SARUKA BUNGAH BARI DURUM-DURUMAN,
SAGAYANA-SAGAYANA, NGAGOTONG COCOLOK LISTRIK BADAG, NGURILING.

DALANG : (ujug-ujug mere isarah eureun) Heuuuppp…!
HIJI : Aya naon, Lang?
DUA : Naha bet eureun? Pareum lampu?
TILU : Hang? Reset!
OPAT : Beak batere? Caaaaass…!
DALANG : Aya nu paeeehhh…!
NU SEJEN : (hariweusweus ngaluarkeun ponsel tina tas/saku sewang-
sewang) Sahaaaaa…? Manaaaa…?
DALANG : Duka teuing. Tapi kudu aya nu paeh. Kitu, mungguhing
lalakon hirup nu saestu. Geura, dina film, serial, atawa buku
nu hade, pasti kudu aya karakter nu paeh. Teu paeh, teu
rame! Saestuna kaendahan hirup nyamuni dina eunteupna
pati…

SIMPE.

OPAT : (mencrong Dalang) Maneh ngomong naon, sih?
KABEH : (ngabarakatak, akey-akeyan bari nyakuan deui ponsel)
DALANG : Regepkeun! Salah sahiji di antara urang kudu paeh peuting
ieu. Hiji atawa dua. Bisa maneh (nunjuk). Maneh (nunjuk).
Atawa maneh (nunjuk).
HIJI : Urang mah embung paeh ayeuna. Can boga kabogoh.
DUA : Urang can move on ti mantan.
TILU : Saruaaaa… hese pohona!
OPAT : Uing mah can ngagawean pe-er…
KABEH : (Nyeungseurikeun OPAT) Hahahaha!
OPAT : Sssshhhh… Tuluykeun ulah?

JEP. STATIS. TULUY BANGUN DIKOMANDO, KABEH BABARENGAN NGURILING
DEUI, DURUM-DURUMAN BARI NGAGOTONG COCOLOK LISTRIK BADAG.

KADENGE SORA TELEPON NGIRINING. KABEH MURAGKEUN KABEL, TULUY
MENCAR NGAJAWAB TELEPON. OBROLAN DINA TELEPON BEBAS.

2
DALANG NUNGGUAN. EUWEUH NU NELEPON MANEHNA.

SINYAL TELEPON LEUNGIT. KABEH PAHIBUT NEANGAN SINYAL.

DALANG : Rumaja jaman ayeuna. Kakara leungit sinyal ge siga nu rek
modar (nyakakak). Lur, hayu tuluykeun lalampahan!

NU SEJEN NYAKUAN SAKU DEUI BARI JAMEDUD, KUKULUTUS. NGAGOTONG
KABEL BADAG, NGURILING DURUM-DURUMAN, TULUY ANJOG KA
HAREUPEUN LAYAR SATANGTUNGAN. KABEH DARIUK HAREUPEUN LAYAR,
KATINGALI JIGRAH.

TILU : Klik!

KESIH NGARONGHEAP DINA LAYAR. GUMEULIS.

KESIH : Helow, helow, helowww… Pendak deui sareng Kesih
Sukesih, si Mencrang Ngoncrang, dina channel kameumeut
urang, yuhuuu…! Dinten ieu, Kesih nembe pisan balanja
sapatu, asiiikk… (ngaluarkeun sapatu tina dus) Tingal geura,
ieu sapatu sanes sambarang sapatu tapi sapatu Cinderella,
eh? Lepat nya? Atuh da sakapeung mah Kesih teh sok asa
janten putri dina dongeng, diogo pisan ku si Om kameumeut
Kesih. Sok, cenah, Kesih hoyong naon, engke
dipangmeserkeun ku Om. Aduuuuhh… baik banget sih, Om?
Celengok, celengok, baragadal, hihihihi!
DALANG : Klik…!

KESIH STATIS.

DALANG : Nanahaon urang lalajo nu kieu patut!
HIJI : Ari maneh. Eta teh Kesih Sukesih! Idola dumay!
DALANG : Kudu puguh ari ngaidolakeun jelema! Si Kesih kabisana
naon? Maca sajak? Maen teater? Juara umum di sakola? Bisa
nyanyi? Juara olimpiade Matematika? Naon kabisana?
OPAT : Nu penting populer heula jaman ayeuna mah! Kabisa engke
nuturkeun! Bener teu? Bener teu?
DUA : Boa-boa si Dalang mah teu apaleun saha Kesih Suke...

3
DALANG : (nempas) Urang mah teu kudu apal idola nu kitu! Kakara
samenit ngadenge omonganana oge geus kairong jelemana
siga kumaha.
DUA : Yeuh, Dalang, ceuk babasan oge, don’t judge a book by its
cover, ulah ningali jelema ti luarna.
TILU : Ayeuna mah gula ge rupana siga uyah, nyaho?
DALANG : Yeuh, mun lain nempo ti luar, timana deui? Maenya urang
kudu nitah si Kesih nyingsatkeun baju nembongkeun dosol
bujalna? Ningali warna cangcutna? Sing jelas! Geus bukti
kalawan nyata, Si Kesih dipangmeulikeun sapatu ku om-om,
terus cenah baragadal…
TILU : Terus naon masalahna? Klik! (ngahurungkeun layar)
KESIH : Pokona mah Kesih nyaah ka si Om, si Om ge sayang pisan ka
Kesih. Nyebutna ge “Cassie” siga nami bule. Tah, ieu ge sapatu
pamasihan si Om, nuhun nya, Om, mwah! Ieu sapatu ku Kesih
bade diangge dina prom minggu payun. Kah? Pamiarsa teu
uninga prom? Aduh, teungteuingeun. Deudeuh teuing. Prom
teh pesta dansa sakola, Sayang…
DALANG : Klik!

KESIH LEUNGIT. NU SEJEN PROTES KA DALANG.

DALANG : Pesta. Dansa. Naha euweuh deui cara pikeun ngareuah-
reuah lulus sakola? Misalna melak tatangkalan di gunung
gundul?
DUA : Aduuuhh… urang mah lain budak pecinta alam, Lang. Maneh
ge lain.
OPAT : Urang komo teu miluan ekstrakurikuler nanaon.
HIJI : Bobolokot taneuh, macul, ngakut binih, ampun Gustiiii…
TILU : Engke dimana tangkalna geus gede, beunang hese cape
melak teh dituar ku pangusaha sarakah, ku cukong-cukong
kayu. Gunungna bulistir deui. Cape deeehhh…
OPAT : Pesta dansa leuwih praktis.
HIJI : Sapuk!

NU SEJEN UNGGEUK-UNGGEUKAN.

4
DALANG : Kumaha lamun bakti sosial ngumpulkeun sumbangan keur
barudak yatim piatu, nganjang ka panti jompo, ngabangun
WC umum…

NU SEJEN MENCRONG DALANG BANGUN HERAN.

HIJI : Nu teu datang ka prom mah pacundang! Sabodo teuing mun
maneh teu resep pesta dansa mah. Tapi teu kaci ngaulah-ulah
batur. Urang teu beuki nu peot-peot!
DUA : Bener! Kitu pisan!
TILU : Pesta dansa teh hak barudak sakola!
HIJI : Hidup barudak sakolaaaa…! Hidup prooomm…!
OPAT : Nu teu milu prom teu gaul!
DALANG : Teu nanaon! Bae dianggap kitu ge!
HIJI : (nyerenteng) Teu nanaon? Ari maneh hirup di planet mana?
DALANG : Geus! Geus! Mending lalajo nu sejen! Klik!

AJI KATAJI MUCUNGHUL DINA LAYAR. PANGAWAKAN SEMBADA.

AJI : (muka baju) Tah, ieu awak uing sanggeus body building opat
bulan. Alus, nya? (nyagingir ka kenca, nyangigir ka katuhu
nembongkeun beuteung nu rata tembong ototna,
nembongkeun bisep jeung trisep cetaan binaraga). Loba pisan
nu nanyakeun kumaha cenah ngarah bisa kieu. Kahiji, kudu
niat. Fokus latihan. Kadua, ulah lebar ngaluarkeun duit
pikeun meuli steroid, meuli dahareun nu hade gizi, oge
ngaluarkeun biaya keur daftar jadi member gym…
NU SEJEN : Waaaaaahhh… (hookeun. ngaluarkeun ponsel sewang-
sewang) Jempol! Jempol! Jempol!
DUA : Kasep. Seksi. Duuuhhh…
AJI : Aya oge nu nanya naha uing miluan body building (seuri
semu ngece). Kieu, lur. Numutkeun hasil survey, jelema nu fit
jeung kasep, ehem (dehem gumasep), leuwih gampang
hirupna. Masa depan dijamin cerah. Neangan gawe leuwih
gampang. Neangan kabogoh? Gampang. Pokona mah sagala
gampang...
HIJI : Klik (mareuman layar. AJI statis). Sigana urang ge kudu
fitness.
DALANG : Naha?

5
HIJI : Maneh bonge? Numutkeun survey, Dalang, numutkeun
survey, cenah. Hartina dumasar data ilmiah.
DUA : Catet! Ilmiah!
OPAT : Teu kudu ilmiah ge geus asup akal atuh. Mun urang hade
ngarumat awak, pasti batur resep ningali. Sagala lawang
tangtu muka. Rek gawe gampang, boga kabogoh gampang.
Pan ceuk maneh ge kesan pertama begitu menggoda.
DALANG : Konteksna beda!
TILU : Geus kabayang. Si Dalang pasti rek ngomong tibatan indit ka
gim demi six packs, mending keneh macul melak tatangkalan,
hahahaha!
OPAT : Atawa nyieun cubluk umum…

KABEH SEUSEURIAN NGEKEAK DALANG TULUY KLIK, NGAHURUNGKEUN AJI
DINA LAYAR TAPI TEU MAKE SORA. NU SEJEN RAGAG-RIGIG NURUTAN AJI NU
KEUR NYAPERTIKEUN GERAKAN-GERAKAN OLAH RAGA. DALANG LEUMPANG
LALAUNAN, NGAJAUHAN NU SEJEN.

DALANG : Geus wawuh lila jeung barudak teh. Tapi kakara ayeuna-
ayeuna sadar yen kuring jeung maranehna beda kacida. Naha
jadi karitu? Lir manggih jalan cagak: kuring ka dieu,
maranehna ka ditu (nempokeun nu sejen ti jauhna).

AJI LEUNGIT TINA LAYAR.
HIJI : Pindahkeun!
TILU : Klik!
DUA : (ka TILU) Ieu mah sinetron kabeuki maneh…
OPAT : Geuleuh ih, lalajo sinetron, siga ema-ema…
TILU : (muncereng) Heh! Ukur jelema-jelema nu garing hatena, nu
teu beuki carita cinta. Universal carita cinta mah. Kabeh bakal
ngalaman, kungsi ngalaman. Komo nu ieu, sinetron nu pinuh
ku aktor jeung akris kakoncara, gareulis, karasep, baleunghar!
Shooting-na di luar negeri, dialog-na direumbeuy ku bahasa
Inggris, caritana modern pisan! Ukur jelema-jelema kelas atas
nu ngarti esensi sinetron ieu. Jelema masakat bari bodo mah
tiba milu lalajo bari uluh-uluh kabita, huh! Klik!

AKTOR JEUNG AKTRIS NGARONGHEAP DINA LAYAR. DUANANA NGAHULENG.

6
AKTOR : (neuteup AKTRIS) Kumaha, Teh?
AKTRIS : Maneh gelo, sugan?
AKTOR : Kagegeloan! Ku Teteh! Sungut geus teu bisa ngarasakeun
ni’mat dahar, ni’mat nginum, uteuk gede teu bisa diajak mikir
nu lain. Beurang peuting kuring ukur mikiran Teteh. Teteh.
Hirup kuring ancur-ancuran…
AKTRIS : Tapi… tapi kuring geus boga salaki!
AKTOR : (nempas, ngaranggeum leungeun AKTRIS) Kuring daek jadi
salaki nu ngora, Teh!
OPAT : Klik! Garilaaaa…

AKTOR JEUNG AKTRIS LEUNGIT TINA LAYAR.

TILU : (nyusutan cimata, kabawakeun ku adegan dina layar) Mun
seug aya jajaka nu bogoh nepi ka kitu ka urang, tangtu bagja
pisan…
DUA : (ka TILU) Epes meer maneh mah, teu bisa ngabedakeun fiksi
jeung realita. Ulah lalajo nu kitu deui, geura! (culang-cileung,
ningali DALANG di jauhna, ngagentraan DALANG) Lang! Hey,
Dalaaaanngg…! Hayu!
DALANG : (ngomong sorangan) Tapi dina kituna mah ngaraku keneh,
sanajan beda pamadegan oge. Enya. Taya salahna. Da sewang-
sewang boga pamikiran, tapi kabeh ge babaturan
(nyampeurkeun riungan).
OPAT : Maneh milu?
DALANG : Ka mana?
DUA : Biasa, ngalalana ti layar ka layar…
DALANG : Hayu, lah!

KABEH NGAGOTONG DEUI KABEL COLOKAN. NGABRING DURUM-DURUMAN
SARUKA BUNGAH. TEU LILA KALALUAR DEUI, ANGGER DURUM-DURUMAN.
ANJOG KA SAKOLA. KUTU BUKU DIUK, MUKA BUKU, TULUY ANTENG MACA.

HIJI : (nunjuk ka KUTU BUKU) Eta saha?
DUA : Oh, eta mah si Kutu Buku, budak pangpinterna di sakola.
Kabeukina kakarayapan ti hurup ka hurup, ngitung titik jeung
koma.
TILU : (ka nu lalajo) Kutu buku teh kacida pentingna, sangkan
sakola bener-bener dianggap tempat atikan nu daria. Urang

7
kudu wawuh ka kutu buku. Hey, Kutu! (ngagupay ka KUTU
BUKU, mere isarah ngahiap).
KUTU BUKU : (culang-cileung bangun heran, tuluy nunjuk dadana
sorangan). Ka abdi?
TILU : (ka nu lalajo) Kitu, Kutu Buku mah, beres roes bahasana,
formal semu-semu jijay. Tapi ulah salah. Bisa jadi puluhan
taun deui, si Kutu ieu engkena jadi Bupati, Gubernur, atawa
Menteri. (ka KUTU BUKU) Enya maneh, ka dieu!

KUTU BUKU NYAMPEURKEUN TILU.

TILU : (ngaluarkeun ponsel) Coba menta nomer telepon.

KUTU BUKU NYEBUTKEUN NOMER, DITEUNDEUN KU TILU DINA PONSELNA.

TILU : Maneh daek teu sasakali ulin jeung urang?
KUTU BUKU : Mereskeun tugas sakola?
TILU : Nya heueuh ngagawean tugas. Maenya rek bobogohan!
KUTU BUKU : (aluman-alimen) Mangga.
TILU : Sip. Jig ka ditu maca deui di juru! (ka nu lalajo) Kutu buku ge
alus pikeun piandel. Sasakali Kutu Buku kudu diajakan ka
imah, diwawuhkeun ka kolot. Pasti barungaheun. (nurutan
sora awewe) Papah, geuning budak urang teh logor, ulinna
jeung nu gaul ongkoh, nu pinter ongkoh. (nurutan sora
bapa-bapa) Enya, Mah, teu salah ngadidik urang teh…

KABEH EAK-EAKAN.
CACING CAU DIUK DI JURU, CULANG-CILEUNG BANGUN GEUMPEUR.

DUA : Ari itu saha? (nunjuk CACING CAU).
HIJI : Aaaahhh... itu mah Cacing Cau! Mun di imah mah kekesedna!

KABEH CETAAN NGABERESIHAN SUKU DINA KEKESED, DUS-DIS BANGUN IJID
KU KOKOTOR.

HIJI : (ngagupay CACING CAU) ‘Cing cau! Ka dieu maneh!
CACING CAU : (nyampeurkeun).
DUA : Naon maneh melong ka aing?
CACING CAU : (sieun) Hen… henteu, da.

8
DUA : Ah, melong siah!
CACING CAU : (tungkul) Abdi mah nuju ningali tembok.
DUA : Maneh teu meunang ningali tembok, ngarti? Mun aing
nyarande kana kana tembok, maneh kudu ningali jandela!
Mun aing ngaliwat hareupeun jandela, maneh kudu ningali
meja! Mun aing diuk dina meja, maneh kudu tungkul nempo
sapatu aing!
HIJI : Mun wani tanggah, kepret kede ku aing!
CACING CAU : Sum… Sumuhun. Mangga.
OPAT : Mun aing dicarekan ku guru, eta salah maneh! Mun niley
aing goreng, eta salah maneh! Mun aing jerawatan, eta salah
maneh! Mun aing titajong, eta salah maneh! Kabeh salah
maneh, ngarti?
CACING CAU : (ngarumpuyuk) Ngartos.
DUA : Menta duit, Ji!
HIJI : (ka CACING CAU) Menta duit!
CACING CAU : (ngaluarkeun loket tina saku calana) Saba… sabaraha?
DUA JEUNG HIJI : Kabeh!

CACING CAU MIKEUN DUIT TINA LOKETNA, TINA SAKU CALANANA.

DUA : (seuri ka nu lalajo) Ieu disebutna duit golak. Lantaran awak
kuring pinuh ku getih ngagalura, ngabubulak, teuing kudu
kumaha, teuing kudu kamana ngamalirkeunana. Ngagolak!
Ngagolak!

KABEH PAMAEN LALUMPATAN KA DITU KA DIEU SAOLAH DIUUDAG
REREGED NU TEU KADEULEU: HAYANG MICEUN NU TEU KADEULEU, SIEUN
KU NU TEU KADEULEU, CEURIK KU NU TEU KADEULEU, RENGHAP RANJUG
GULINGGASAHAN DIKAWASA NU TEU KADEULEU, DIPIRIG HAWAR-HAWAR
TI TUKANGEUN LAYAR SORA NU MACA BEWARA, BULAK-BALIK ETA DEUI-
ETA DEUI.

SORA BEWARA : Penyebab perilaku agresivitas pada diri remaja bisa berasal
dari dua faktor yaitu internal dan eksternal. Faktor internal
misalnya perasaan frustrasi, perasaan negatif, pikiran atau
kognisi, dan pengalaman masa kecil. Sedangkan faktor
eksternal bisa berupa serangan, pengaruh teman, pengaruh
kelompok, kondisi tidak menyenangkan yang diciptakan

9
orang tua, konflik keluarga, dan pengaruh model. Pengaruh
model yang dimaksudkan adalah anak akan meniru sikap dari
perilaku orang yang dianggapnya dekat selama ini dengan
anak. Meniru perilaku orang lain sebagai modelnya sesuai
dengan teori belajar sosial yang dikemukakan oleh psikolog
Albert Bandura. Sementara itu data dari kepolisian
menyebutkan pada tahun ini tercatat 75 kasus kekerasan
remaja dan 90,3% pelakunya berusia 13-18 tahun. Remaja
sebagai pelaku kekerasan terus mengalami peningkatan
sekitar sebesar 5% tiap tahunnya…
KABEH : (nyuuh hareupeun layar, ngajorowok bareng) Klik!

SAPASANG SALAKI PAMAJIKAN JERO LAYAR, PASEA.

PAMAJIKAN : Lain kahayang Mamah! Bapa nu kitu tea mah! Mun seug
Bapa leuwih mindeng di imah, meureun moal kieu! Si Honey
moal reuneuh jadah, si Boris disabet samurai!
SALAKI : Kudu kumaha deui? Kurang kumaha? Ti isuk jedur nepi ka
sore jeder digawe keur makayakeun kulawarga! Ngarayap ti
mimiti purah diutah-etah, suka-siku ka babaturan, susuruduk,
sugak-sogok, nepi ayeuna boga korsi sorangan! Na samaruk
keur saha? Keur barudak! Keur Mamah!
PAMAJIKAN : (nyeuneu) Teu cukup ku kitu! Barudak butuh perhatian!
Mamah ge butuh perhatian!
SALAKI : Aing cape! Kahayang teh nepi ka imah ulah loba
picacapekeun deui! Di kantor ge geus loba urus…
PAMAJIKAN : (nempas) Aing ge cape! Capeeee…!
DUA : Klik!

SALAKI JEUNG PAMAJIKAN LEUNGIT TI JERO LAYAR.

HIJI : (nangtung lalaunan) Sagala keuna ku ruksak. Taya nu lana.
Kitu pisan. Mimitina endah. Mamah. Bapa. Lanceuk jeung adi.
Suka seuri. Tuluy, imah nu awalna pinuh ku katingtriman,
sakedet netra ancur burakrakan. Ratih ngaranna, sekretaris
geulis mu ngarebut hate Bapa. Tuluy Mamah tara daek kaluar
kamar, socana nu liuh robah buringhas. Les, usap deudeuh.
Les, kani’matan mulang muru rungrum indung. Kamana kudu
neangan gantina. Ka saha? (ngaheruk, diusapan ku nu sejen).

10
DUA : Naon nu kurang? Imah, mobil, motor, duit, sagala aya. Cukup
pikeun bagja, saban isuk hudang bari ngucap alhamdulillah,
saban minggu ulin saruka bungah, nganjang ka bibi, nganjang
ka nini. Laun-laun sarakah. Pih, maenya sakelas Kapala Dinas
teu gaduh villa? Pih, Mamih hoyong ngaraosan ameng ka luar
negeri. Pih, maenya barudak teu terang Singapur-Singapur
acan? Pih, Mamih hoyong gaduh bisnis, wios barudak mah da
di bumi aya Bi Murni. Tuluy panyombo. Kaka hoyong naon?
Ade hoyong naon? Mobil anyar. Motor anyar. Villa.
Pausahaan. Berlian. Brankas ngalegaan. Cocooan setan!
Mamih ngablu, Papih ngaberung. Taaahh… Genep bulan
katukang, rongheap puncak kagumbiraan: foto Papih
ngajeblag dina koran. Pelaku korupsi, cenah. Hahhhaha! Puas!
KABEH : Puaaass…! (tingcakakak)
DUA : Rumaja kudu hurmat ka saluhureun, hurmat ka kolotm, hah!
Samarukna rasa hurmat bisa dipibanda kitu bae. Dasar kolot
bedegong! Hakaaann…!
KABEH : Hakaaaaann…! (gugulitikan dina ubin bari seuseurian)
DUA : Rasa hurmat mah kudu diusahakeun, Papih! Mun Papih
koplok, nyanggakeun tah, imbit nyungcung! (nonggeng)
KABEH : Taaaahhh… (nonggeng bari angger tingcakakak ngancunan).
DALANG : Cabut! Cabut!

KABEH NGAGOTONG DEUI COLOKAN BARI NGABARIS DURUM-DURUMAN KA
TUKANGEUN LAYAR. ARASUP DEUI. DURUM. DURUM. DURUM. AREUREUN
HAREUPEUN LAYAR.

DUA : Klik!

PENYIAR UMAN-IMEN JERO LAYAR, NYEKEL MIKROFON.

PENYIAR : Wilujeng wengi, Pamiarsa, live streaming ti Abal-abal TV
sonten ieu baris ngiberkeun bewara teu penting pikeun jalmi-
jalmi nu gampil dimanipulasi! Omat, masing reaktif, nya? Iber
munggaran mungguh pikabungaheun: Nembe pisan, Anggota
Dewan Anu katewak ku kamera CCTV nuju pesta shabu di
Hotel Anu.
KABEH : (jigrah) Waaahhh… Pesta!
PENYIAR : Sumuhun. Ngangge cicis rahayat, tangtosna.

11
KABEH : Waaaahhh… Cicis! Cicis!
PENYIAR : Numutkeun hasil wawancara, ieu pesta digelar pikeun
kapentingan tur kasenangan pribadi.
KABEH : Senang! Senang!
PENYIAR : Urang sadayana tangtos ngiring gumbira (imut manis).
KABEH : (ngaluarkeun ponsel sewang-sewang tuluy) Jempol! Jempol!
Bagikeun!
PENYIAR : Iber nu kadua nyaeta ngeunaan rarancang Kongres Pamuda
nu baris diayakeun ku FPNDN alias Front Pamuda Nuju Diajar
Nasionalis, sasih payun...
DUA : Klik!

PENYIAR LEUNGIT TINA LAYAR.

DALANG : Naha bet dipaehan?
KABEH : Teu rameeeee…!
DALANG : Nasionalisme teh penting kacida pikeun rumaja siga urang!
OPAT : Coba eta si Dalang. Ti tatadi hayoh we urang kudu itu, kudu
ieu, inih-ituh. Asa pangbenerna sorangan.
DALANG : Nasionalisme teh penting make pisan!
DUA : Keur naon nasionalisme? Mobil jieunan Jepang! Ponsel
jieunan Cina! Demokrasi ti Yunani! Angka-angka ti Arab!
Lalajo film Amerika! Dahar pizza jeung spaghetti Italia! Baju
dikaput di Thailand! Musik British! Naha urang kudu
nasionalis?
HIJI : Meunggeus tong loba bacot, Lang!
OPAT : (ngacungkeun peureup) Urang mah embung macaan bacot si
dalang. Hurup-hurup matak jangar. Urang hayang nempo
gambar!
DALANG : Kedul! Ogoan! Dengekeun, lur! Jelema nu beuki maca jeung
jelema nu beuki lalajo, jauh pisan darajat intelektualna! Maca
teh alus keur ngalegaan imajinasi. Mun urang maca buku,
urang bakal dibawa kakalayangan ka alam nu can tangtu
kasaba ku lengkah urang. Urang bisa eureun heula,
ngararasakeun kaendahan eusi buku, tuluy ngumbara deui,
balik deui, indit deui…
OPAT : Pan mun lalajo film ge, urang bisa pause heula, ka cai ngadon
kiih, tuluy lalajo deui, Lang? Cageur maneh?

12
DALANG : Beda atuh. Mun sirah urang geus pinuh ku gambar visual,
imajinasi urang kawatesan ku…
DUA : Imajinasi! Imajinasi! Jang naon imajinasi? Imajinasi urang
geus dipaehan ku guru, ku kolot, ku kanyaataan nu matak
nyeri kana hate jeung mata! Kudu realistis, cenah! Cita-cita
jadi dokter: kudu realitis! Cita-cita jadi astronot: kudu
realistis! Cita-cita jadi presiden: kudu realistis! Hayang jadi
bandar narkoba ge kudu realistis, cenah! Re-a-lis-tis! Jadi
naon gunana imajinasi mun can nanaon geus dititah realistis?
Paehan imajinasi ti ayeuna keneh! Euweuh gunana!
NU SEJEN : Paehaaaann…!
DUA : Paehan komen balaga!
NU SEJEN : Paehaaaann…!
DALANG : Tapi…
HIJI : Tapi! Tapi! Mana tombol jempol jungkir? Engke mah saban
si Dalang mere komen, rek dijempoljungkiran ku aing! Rujit!
Tukang ngaruksak kasenangan batur!
OPAT : (ngabedol HIJI ngajauhan nu sejen) Ssssttt… Tapi ketang,
urang ge butuh si Dalang! Mangsa hate ngagedur, urang butuh
omongan si Dalang nu nyecep ngabanjur…
HIJI : Gandeng, siah! Hayang dicacingcaukeun ku aing?
OPAT : Siap, laksanakan!
HIJI : Urang lalajo deui! Klik!

JUNKIE NGARONGHEAP JERO LAYAR.

JUNKIE : (ngaroko pahpir bari ngahariring bulak-balik semu
ngalamun, musik psychedelic) Bul ngebul, jukut
diduruk/Mulek bayah mulek irung/Seup nyeuseup, dunya
ramijud, hah!/Sabodo, aing keur ngapung…

KABEH NGADEDENGEKEUN, GEGERENYEMAN NUTURKEUN WIRAHMA LAGU
JUNKIE, NURUTAN NGAHARIRING: MIMITINA SAPOTONG-SAPOTONG
TUNGTUNGNA WUNGKUL, ASA-ASA, APAL CANGKEM, MINGKIN LILA MINGKIN
BENTES MINGKIN TARIK, TUNGTUNGNA KABEH APAL LAGU JUNKIE. KECAP
‘JUKUT’ DINA LAGU TULUY DIGARANTI SAKABA-SAKABA KU KECAP ‘MOTOR’,
‘IMAH’, ‘BUKU’, ‘TIKET’, ‘SERAGAM’, ‘HAPE’, JEUNG SAJABANA, NGACAPRUK
SAKAINGET UTEUK SEWANG-SEWANG, SAGAYANA-SAGAYANA. WIRAHMA

13
PSYCHEDELIC BAGANTI MARS NU MOTAH. SAWAREH NGAJAK NU LALAJO
NYANYI BABARENGAN.

KABEH : Bul ngebul, jukut diduruk! Mulek bayah mulek irung! Seup
nyeuseup, dunya ramijud, hah! Sabodo, aing keur ngapung!
DALANG : Heup! Heup! Eureun! Eureun! Gandeeeenngg… (nungkup
ceuli bari tetenjrag)
KABEH : (mingkin sumanget) Bul ngebul, jukut diduruk! Mulek bayah
mulek irung! Seup nyeuseup, dunya ramijud, hah! Sabodo,
aing keur ngapung!
DALANG : (ngagorowok) KLIIIIKK…!

JUNKIE LEUNGIT TINA LAYAR.

HIJI : Moal salah, pasti kalakuan si Dalang Cubluk!
DUA : Naha bet dipareuman, Lang? Kagok ieu keur genah…
TILU : Si Dalang rek komen, lin?
KABEH : Paehaaaann…! Paehan komen ngayayay!
DALANG : Dulur-dulur rumaja, kuring percaya sagala bisa robah.
Kaayaan bisa robah. Urang kabeh bisa robah. Kuring percaya!
HIJI : Maneh belegug, geus babari percaya. Tolol tingkat dewa!
OPAT : Paehaaaaannn…!

KABEH LEUMPANG NGADEUKEUTAN DALANG. BURINGHAS.

TILU : (ka DALANG) Ceuk maneh, aya nu kudu paeh peuting ieu.
Kitu, mungguhing lalakon hirup nu saestu. Kudu aya nu paeh!
Saestuna kaendahan hirup nyamuni dina eunteupna pati.
KABEH : Bul ngebul, Dalang diduruk! Mulek bayah mulek irung! Seup
nyeuseup, dunya ramijud, hah! Sabodo, aing keur ngapung!

DALANG UNDUR-UNDURAN. DALANG KADESEH. DALANG DIKEPUNG. DALANG
ENGKAK-ENGKAKAN SIGA NU SAKARAT.

DUA : Ulah sieun, Dalang. Sapanjang sajarah, can kungsi aya jelema
nu balik ka dunya ti paehna. Mana kitu ge paeh teh
pibetaheun. Repeh, ulah gandeng. Ulah sieun.

KABEH STATIS.

14

HIJI : (seukeut) Dalang, maneh dipiceun ti Durum.
KABEH : Durum. Durum. Durum…

DALANG NGARUMPUYUK TEU EMPES-EMPES. PAEH VIRTUAL. NU SEJEN
NGAGOTONG DEUI COCOLOK BADAG BARI DURUM-DURUMAN. NGURILING.
TULUY ANJOG KA HAREUPEUN AWAK DALANG NU TEU EMPES-EMPES.

HIJI : (mere isarah eureun) Heuuuppp…!
DUA : Aya naon?
HIJI : Aya nu paeeehhh…!

NU SEJEN JIGRAH NGALUARKEUN PONSEL TINA TAS/SAKU SEWANG-
SEWANG. BURINYAY LAMPU PONSEL NINGGANG AWAK DALANG NU
NGALUNGSAR.

LAYAR TURUN.

15

Anda mungkin juga menyukai