Anda di halaman 1dari 25

ISLAM

ISLAM; Kenca
Barang brag1 gumelar dina rasa ka-Islaman, ku perbawaning Iblis ti kenca, wawatekna belet, guru bukti saharita:
Kumaha? Hade lampahkeun atawa montong? Tapi buktina sarua bae, anu ngalakonan henteu jadi untung, anggur
sahadena jalma kaparentah batur, ku badan tambah hina ngalakonan nu taya kauntunganana, anggur matak rugi: badan
diruksak kangeunahanana. Banda dikaluarkeun taya kagunaanana. Dening2 kolot atawa guru atawa ulama, meureun bae
da ngarah aing ulah mancangah3, supaya boga kaserab. Balukarna banda loba dikurangan, badan mulya dihinaan, rasa
keur ngeunah disangsara, padahal taya ladangna. Ari urang nu disiar kauntungan kamulyaan. Turug-turug kolot sok
nyaritakeun barang nu taya buktina, majar eta gawe dipuji ku Gusti Allah, timbalan4 Rosululloh, aya dina Qur'an, bawa
Malaikat Jabrail. Tuluy nyaritakeun poe panganggeusan, papasten ngeunah jeung teu ngeunah, eta ti Allah ta'ala. Padahal
diandel kitu, hanteu diandel kitu keneh, sumawonna ana nyaritakeun naon-naon nu hanteu katenjo ku mata, hanteu
kadenge ku ceuli, hanteu karasa ku rasa, eta mah beuki mutuh5 teu perluna; dene6 kapanggih atawa karasa eta mah
montong dicaritakeun deui, da manehna ge nyaritakeun beja dibejakeun deui. Lamun aya, tanda untung anu ngandel,
rugi nu hanteu ngandel; meujeuhna urang milih-milih, mana anu jadi kauntungan?
Lebah dieu, batan maju anggur mundur kana kufur, tina ngawula ku badan, tina ngawula ku ati. Lamun
henteu digugu, dedewa moal weleh-weleh engke ngagokan dina gelaran iman. Rasakeun bae hanteu beunang di
dieu sugan di ditu, da bongan wangkelang henteu beunang ku pituah nu ngeunah. Rasakeun bae da moal burung
ngulampreng deui ka dieu, satungtung hirup mah.

Islam; Katuhu
Barang brag pisan gumelar dina rasa ka-Islaman ku perbawa kapangeranan ti katuhu, mending lakonan atawa
montong? Tapi buktina sarua bae, nu ngalakonan tara meunang kauntungan, nu henteu ngalakonan tara jadi karugian
atawa kacilakaan. Cek rasa ati: Aaaah! Mending dilakonan da papatah kolot jeung baraya-baraya, lamun daek milampah
Islam, jadi rempug jeung batur-batur bangsa sorangan, tur meunang kapujian "jalma hade", ngaregepkeun kana papatah.
Tur taya bayana7 nu wayahnaan: salah bener kumaha nu papatah bae, sabab henteu salah nu milampah darma ngawula ka
papatah, henteu umum disalahkeun, sabab daekeun ngarasa hina tur ku badan cape, ku banda rugi. Taya nu dibeuli-beuli,
kajaba darma papatah. Lebah dieu tacan nyaho di aherat, tacan sieun ku siksaan aherat atawa hayang kana ganjaran
aherat. Ieu mimitina ngadu rasa pada rasa; samangsa geus ngadenge carita nu papatah darma nepikeun parentah ti Gusti
Allah nu ditulis dina Kitab, pokna para ulama, tina timbalan Rosululloh, tina Qur`an, nu dibawa ku Jabrail. Ti dinya
sereset ngandel, enya meureun, moal kolot lamo8 ngomong, tangtu paribasa "kembang sok jadi buah". Aaaah, andel
bae, ayana Allah, sabab caritana aya; ayana malaikat, sabab Qur'an oge bawa malaikat, cenah; ayana Kitab, sabab
Rosululloh mawa Qur'an; ayana poe panganggeusan, sabab caritana aya; ayana papasten nu ngeunah henteu ngeunah
kana badan kana ati, sabab eta kabeh ti Gusti Allah ta'ala. Sumawonna caritana ngan eta bae, sanajan caritana kolot,
nyaritakeun nu bakal kapanggih jaga, atawa caritaan naon-naon nu henteu kapanggih ku aing, dipercaya bae, sabab
sahadena jelema ngabohongkeun kana caritaan kolot, nu legok tapak loba pamanggihna.
Tah lebah dieu geus tepi kana gelaran Islam ku badan iman ku ati; tereh mancat kana gelaran iman.

IMAN

1
Brag kecap anteuran kana gubrag; ~ ka dunya dijurukeun.
2
Dening, wondening (Jw): hanas, lamun at. upama, sanajan, sok disebut oge wondeneng.
3
Mancangah: ngalawan
4
Timbalan, nimbalan l., marentah, miwarang; abdi ditimbalan ku pun bapa; ngemban ~ ting. emban.
5
Mutuh kacida at. kacida teuing, panteng; cacap
6
Dene: Ari, lamun
7
Baya Sskr. pisusaheun, picilakaeun, Ind. bahaya, sok disebut oge bahya; ting. bahla; pibayaeun pilantaraneun baya
8
Lamo 1 bs. Banten: asal-asalan (dapon)
IMAN; Kenca
Barang cat kana gelaran iman, dipuntangan ku perbawa iblis sabeulah ti kenca: Ah keur naon da geus nyata.
Naon untungna nu ngalakonan? Nu percaya?
Geuning aing acan manggih nu baha matak cilaka, nu henteu ngandel dipaksa. Angguran tambah susah, tambah
hina, tambah matak ngarugikeun harta banda. Wondening sieun ku kolot atawa ku baraya, eta mah beunang ku
pura-pura. Geuning aing sok milampah, sok nyingkahan sabot di pasamoan sieun kaperego ku kolot ku baraya.
Geuning sok ngaenyakeun kana caritaan kolot ari keur ditanya mah. Sakitu oge cukup. Montong tisusut tidungdung
teuing melaan kamistian nutur raratan beja, selang-selang bae, da loba deui nu misti, bubuhan di dunya kudu nyiar
kasenangan; sugan kolot-kolot oge atawa baraya ngamara'lum, moal maksa reujeung karipuhan ku badan sumawonna
ati. Ari aing tea, masih tisusut tidungdung oge, renghap ranjug nyiar kapujian, da moal dah bawang dah kapas 9.
Naon pitandaeunana?
Ceuk kolot: Gusti Allah nu ngadamel aing. Tah nu matak aing sok bakti, boh ka Gusti Allah boh ka kolot-
kolot ngarah disebut bageur bae. Cek kolot: Gusti Allah miwarangan malaikat Jabrail mawa Qur'an ka
Rosululloh; kajeun teuing, dipercaya meureun kitu, henteu dipercaya meureun kitu keneh. Wondening geus
bukti sakumaha beja, entong susah, urang diajar harita bae, kana milampah Islam ku badan percaya ku ati, da
kana barang bukti katenjo ku mata kadenge ku ceuli karasa ku ati, malah leuwih utama tinimbang cape ti ayeuna
mah. Da aing mah rajeun soteh milampah, bawaning ngandel ka beja bae, supaya kanyahoan ku nu ngabejakeun.
Cek kolot: Gusti Allah maparin kitab-kitab bacaeun ummat-ummatna, dicandak ku para Rosul, meureun bae kitu
tea mah; tapi rek ngandel mah teu kudu disuratan; anadene kasampurnaanana nu jadi Allah mah, naha make
dipikaserab? Sabab ayana Allah oge, karek beja, ti mana pikaserabeunana ku kasampurnaanana? Nya kitu deui ku
Rosul, kasampurnaanana, henteu perlu dipikaserab, sabab ayana Rosul oge karek beja! Percaya oge bara-bara,
moal burung disebut mu'min.
Lebah dieu luut-leet kesang, hayang mancat hambalanana, lewang. Batan mancat anggur mundur, lamun
keukeuh nurutkeun kereteg perbawa kapangeranan, Iblis susumbar: Jor bae teu beunang diingetan mah! Rasakeun
henteu beunang di dieu, sugan di ditu! Moal weleh da bongan wangkelang, di mana beunangna bae, da moal burung
ngulampreng deui ka dieu, satungtung hirup keneh mah.

IMAN; Katuhu
Barang cat kana gelaran iman, bray padang ati ku perbawa kapangeranan ti katuhu, aya sereset hate tambah tetep:
Nya kudu aing percaya kana caritaan kolot, kudu dilakonan ku jasad sagala titahanana, kudu singkahan ku badan sagala
laranganana, bisi dipikageuleuh, temahna disapaherang. Nya kudu aing percaya kana caritaan kolot, aing damelan Allah
ta'ala, nu miwarang Rosululloh, miwarang mawa Qur'an ka malaikat, dijurubasaan ku ulama-ulama. Kolot-kolot moal
enya ngaromong ngan darapon bae. Aing mah darma lalakon, meureun lila-lila bukti. Sahadena ge aing manggih bukti
keur teu ngandel, nampa parentah keur teu ngalakonan; leuwih hade aing ngandel heula kana beja samemeh manggih
bukti, milampah parentah samemeh kaharti, tinimbang ti aing geugeumeueun mah. Beja ge ari panjang-panjang teuing
mah moal bohong sarerea, sabab salilana aing ngalakonan parentah Islam ku badan, tacan beakeun daya jeung upaya
sacukupna, geuning henteu jadi karugian ka sorangan atawa ka anu lian. Henteu rek nanyakeun sababna misti atawa
sababna ulah, sieun dijawab ku kolot: Ulah ngorobokan, hayang dibejer-beaskeun, pamali! Angguran ngandel kana
beja bae, rugi untung kumaha jaga. Tapi geus karasa ku aing, batan rugi, baraya-baraya hanteu ngarewa
pedah milampah Islam, angguran loba nu nyaah, turug-turug cek kolot nu ngadamel aing teh Allah, andel
bae! Da teu umum jadi sorangan. Ana miwarang utusan malaikat Jabrail, andel bae, da pantesna oge anu
agung loba kongkoneun; ana miwarang juru basa jeung panata ku bangsa aing lampah Islam ku jasadna
Rosululloh, lampah iman ku atina Rosululloh, supaya beunang ditiru. Cek kolot: Gusti Allah ngirim Kitab,
bawaan para Anbiya, andel bae, bacaeun ummatna, dibasakeun ku bangsana nu meunang ilham pangarti
kana eta Kitab. Cek kolot: Aya poe panganggeusan, andel bae, da geus tangtu isukan aya pageto, teu umum
euweuh tungtungna. Cek kolot: Papasten ngeunah jeung teu ngeunah ti Gusti Allah, andel bae, sabab henteu

9
Kudu brukbrak, kudu terus terang jeung buktina; harti sabenerna: tah baranna tah duitna. [lihat: Dana Sasmita, R.A.,
Kamus Basa Sunda, Panitia Penerbitan Kamus Basa Sunda, Cet. Ke-2 2009, halaman 318.]
beunang dipaksa hayang ngeunah embung teu ngeunah, cacakan urusan dunya, aherat mah tacan kasorang.
Anggur-anggur ayeuna mah ngalanggengkeun kana milampah rukun Islam sakur nu wajibna ka sorangan,
ku aing singkahan laranganana. Moal mikirkeun aherat, ngan hayang kapuji bae di dunya, jeung
netepkeun percaya kana beja tadi tea, supaya lampah terus jeung ati, badan keur milampah Islam, nyawa
keur milampah iman. Kamistian anu jadi Allah kudu lengkep, boga sipat dua puluh, pakeeunana sorangan.
Kamistian anu jadi Rosul kudu lengkep sipat opat, wenangna di Allah hiji, wenangna di Rosul hiji, pakeun
kasampurnaan sorangan. Cek aing sageuy teu nyorot ka aing. Gusti Allah kawulaaneun; Rosul Allah picon-
toeun.
Lebah dieu rek mancat kana gelaran soleh, dilandian jalmana soleh.

SOLEH

SOLEH; Kenca
Barang cat kana gelaran soleh, reup poek ku perbawaning Iblis ti kenca. Ah! Heubeul pisan aing nya leukeun
ngalampahkeun Islam nurutkeun papatah kolot, percaya kana caritaanana; tapi aing ayeuna geus sawawa umur, geus baleg.
Sumawonna kolot geus teu araya, najan aya keneh oge moal bisaeun nyarekan. Meujeuhna aing boga pikiran sorangan. Rek
ngalampahkeun bae, sakadar henteu ngahalangan kana kahirupan aing, kana kapangkatan aing, kana pagawean aing.
Tuluykeun bae percaya, sugan aya tulungna sakalieun aing kacekek ku kasusahan, sugan boga-boga basa nyuhunkeun
kasalametan ka Gusti Allah Nu Maha Suci, da cek kolot oge Gusti Allah purah nulungan, purah maraban; ayeuna ka saha
deui lamun aing lain ka dinya. Tapi bubuhan lahir, kudu bae saniskara jeung lantaran ti pada manusa. Sanajan nurut ka Gusti
Allah, ari batur henteu panujueun mah balukarna matak susah ka sorangan, nya kudu satengah jeung satengah bae. Tapi
montong nyiar deui karepotan, nambahan kasusahan, sakadar nu geus kabiasaan ka tukang-tukang bae. Bara-bara10 montong
dilanggengkeun teuing, bisi matak rugi sanak baraya, sanajan aing suka sorangan, da bubuhan di dunya: tinimbang mikir
kauntungan jaga, mending mikir kauntungan dunya, tinimbang sieun ku cilaka aherat, mending sieun ku cilaka
dunya.
Najan pandita geus tungkul oge, lamun henteu boga duit matak ngirihit pirbadi. Tapi aing kudu mikir, kana lampah
awak anu salah atawa bener, nya pikiran bae! Mana-mana nu kacacad ku batur hirup, tanda milampah salah. Mana-mana
nu kapuji ku batur hirup, tanda milampah bener. Pikeun dosa jeung hampura, tobat bae, ari geus kabuktian dosa mah. Ari
aing tacan aya lampah hina nu dicacad ku sasama, angguran bebetah. Moal mikir nu lain-lain, rumasa ku nu henteu
kapilampah; bareto oge dilampahkeun soteh, pedah aya nu parapatah bae, nyaeta nu pimujieun, nya eta nu pinyacadeun.
Lebah dieu samar maju. Lamun belang-betong deui, percaya angin-angin, anggur ragrag deui kana gelaran iman.

10
bara-bara untung keneh, lumayan, uyuhan; ulah hayang make hade dina alam mahal sandang-pangan, geus bisa dahar ge
bara-bara; sok disebut oge pira-pira; ting. pira, uyubara, pilangbara, uyuhan, kilangbara.
SOLEH; Katuhu
Barang cat kana gelaran soleh, bray beuki tambah padang ati, ku perbawa kapangeranan ti sabeulah katuhu, sereset
hate: Eh! Bapa, Ema, kolot-kolot geus henteu araya, tinggal deungeun-deungeun bae. Aing ngalakonan Islam moal kieu-
kieu, tinggal bae moal kieu-kieu. Percaya kana caritaan kolot-kolot moal kieu-kieu; henteu percaya moal kieu-kieu. Tapi
ah, kapalang angguran tuluykeun bae, da henteu jadi karugian. Sugan henteu kaharti bareto ayeuna kahartina. Bareto
milampah soteh ngarah kapuji ku kolot; ayeuna mah sugan bae katarima ku Gusti Allah tea. Lamun aing tuluy tumuluy
milampah hade, sugan bae diganjar ku Gusti Allah tea. Da cek kolot ge eta nu pingaganjareun. Lamun aing tuluy tumuluy
percaya, sugan beuki tambah-tambah panasaran, hayang nyaho kumaha behna. Lamun aing eureun tinggal ka papatah
kolot, kena-kena geus areuweuh, sieun temen disiksa ku Gusti Allah tea, da cek kolot: Lamun tinggal kana Islam atawa
lamun ngalanggar laranganana atawa lamun eureun kapercayaan, disiksa ku Gusti Allah, henteu di dunya tangtu di aherat.
Jadi kasieun aing, bebendonNa. Ari kahayang aing, pangasih-Na. Kawantu Nu Agung, boga sipat murba11 keur
bebendon, boga sipat wisesa keur pangasih. Tinimbang aing ngurangan lampah Islam ti adat katukang-tukang, angguran
pituturan tambah ku sagala kapantesan lampah Islam, ditambah ku pasunatan, ku kautamaan; anggur tambah rasa nu
bareto jadi misti nu ayeuna jadi kahadean, tapi hayang meunang rasa pibekeleun ngalanggengkeun kana lampah kana
pantrang. Sihoreng eta ubarna, kana ulah lalawora teh, kudu meredih mapancenan maneh, supaya ari pegat boga rasa
hutang, aya pitobateunana. Ari eta paribasa: Bagja cilaka geus ditangtukeun ti azali, kitu tea mah moal salah. Tapi
lamun aing bagja, atuh mulus: eukeur mah dipilampah, turug-turug boga gurat awak bagja; eukeur mah aing percaya,
turug-turug boga gurat awak bagja. Tinimbang aing henteu ayeuna-ayeuna acan, bet upama cul ti ayeuna, turugturug
cilaka, atuh beuki mutuh, lapur. Bet henteu ayeuna, jaga. Lamun bagja, meureun hanjakal. Lamun ti baheula nya
percaya nya milampah, meureun mulus; moal beda lampah dunya jeung aherat, percaya di dunya jeung buktina.
Lebah dieu, rek mancat kana gelaran Ihsan, disebut jelema muhsinin.

IHSAN

IHSAN; Kenca

11
Murba, dari kata purba (Sskr): kawasa. Murba: nu ngawasa, nu ngereh, nu ngabawah. Kapurba: kaereh, katalukkeun. (R.A.
Danadibrata, Kamus Sunda, Panitia Penerbitan Kamus Basa Sunda, Bandung, Cet. 2 2009. Halaman 551.
Barang cat kana gelaran ihsan, reup poek ati, perbawa kaiblisan ti kenca. Ah! Geus lawas pisan nya milampah
Islam, tetep ati kapercayaan kana sacaritaan kolot, bosen onam moal da kapalang; hanas taya karasana wayahna bae.
Ngan keur naon ku aing ditambahan deui karepotan kasusahan. Gusti nimbang, najan ka nu dosa pisan, kapan sipatna
ngahampura. Sumawonna ka lebah aing, jelema kumureb ti babaheula, tangtu dimokahakeun, da tacan ngamaha dosa,
tacan ngamaha ngarempak larangan. Kapan Allah Nu Uninga, tangtu uningaeun kana kaapesan aing, henteu daya henteu
upaya, Gusti Allah nu kagungan. Nu dipandang hayang meunang kahadean, kapan aing oge tara dina kagorengan, tara
dina pamangmangan. Moal gedag kalinduan sabot dina senangna mah, sabot dina yakinna mah. Wondene katarajang anu
jadi matak tinggal parentah, aya waswas pamangmangan sakali-kalieun, eta mah Gusti Allah nu nimbang inya. Wondene
katarajang kadatangan nu matak tinggal parentah atawa ngarempak larangan, nya eta mah Gusti Allah nu kagungan.
Disorangkeun bae wenang, dihalangan bae wenang. Kapan aing henteu daya teu upaya, naha aing bisa nyanyahoanan,
make apik, ririh, rintih, kawasa ngajaga sorangan? Najan apik oge ari kudu katarajang; najan balangah ari kudu salamet
mah, naha saha anu nyaho? Ari tobat, enya pisan kudu, tapi lamun aing asal ngamaha dosa. Ari pasrah, enya pisan kudu,
tapi lamun aing teu boga adat bangsa basariyah aya ngeunah aya henteu. Ari ngandel ka Allah, enya pisan kudu, tapi
lamun aing geus beak tarekah, Ari suka ka papasten, enya pisan kudu, tapi lamun aing geus taya geusan panasaran: Ari
bersih ati enya kudu, tapi lamun aing geus poho kana bubuhan lahir, era ku mata manusa, sieun ku panyacad manusa.
Ari sono ka nu asih, enya kudu, lamun aing tacan yakin yen sagala kangeunahan jeung teu ngeunah, pasihan ti Gusti
Allah. Tapi moal enya Gusti Allah henteu dibales sakitu keneh. Ngan aing moal nudingkeun kahadean jol ti nu lian,
dina sakur anu mulus henteu jeung lantaran ti manusa mah. Kasieun aing, ayana bebendon ku sabab lantaran ti
ngurangan ibadah ti katukang-tukang, ngahaja-haja ngurangan percaya ti ka tukang-tukang, ngahaja sieun dibenduan di
dunya, kahayang aing kana pangasihna Gusti Allah di dunya heulaanan, aherat mah sumawonna.
Lebah dieu samar maju, anggur mundur, sabab sarat jejeg panceg, tapi masih pilihan. Aya roy sono, tatapi masih
boga pikiran: Keur naon? Lamun keukeuh boga karep hayang wawuh ku perbawa kapangeranan ti katuhu, iblis ngahulag:
Wah! Tiwas! Silaing geus wawuh mah beuki beurat. Loba pisan pamalina, Nya ari keukeuh mah jor teuing! Moal weleh,
engke rasakeun bae loba jalan pibengkaheun. Dene aing henteu digugu di dieu, sugan di ditu mah dengdeng, moal tega-tega
teuing. Tinimbang ti dibenduan geus wawuh mah, leuheung meueus ayeuna, moal-moal kasebut jalma bengkahan. Kapan
kudu apik lirik rintih jeung pamilih, ulah lancang sumantana. Hanjakal mah tara ti heula.

IHSAN; Katuhu
Barang cat kana gelaran ihsan, bray terang ku perbawa kapangeranan ti katuhu, ah pageuhan bae aing geus
cueut ka hareup, tinggal oge milampah Islam ku badan, kapercayaan ku ati, kapiran12, bae. Anggur ayeuna mah
karasa, batan beuki beurat anggur beuki hampang, batan beuki loba halanganana, anggur beuki luas bae. Cul kolot
cul bapa, tambah terang tambah yakin, pibuktieunana beja piuntungeunana lampah. Turug-turug sahadena jadi jalma
luncat mulang, angguran tambah yakin. Kapan kaharti ari nyembah kumawula kudu ka nu ngayugakeun awak.
Henteu umum aya nu nyieun teu aya buktina. Pang jadi teh henteu umum henteu jeung kawasa, ana geus jadi teh
henteu umum teu jeung diriksa. Aaah! Isin temen; lampah meureun ditingalikeun, obah meureun diobahkeun.
Kilangbara13 aing tambah, atuh sakalieun anu geus tetep mah, palias lamun dikurangan kaajrihan, palias lamun
dibalangahan, anggur tumarima usik malik kereteging ati tangtu kauninga. Lah! Lain pikeun aing balangah
kumawula ka nu waspada, ngan mihape anu tujuh perkara bae, muga ulah dipindingan ku mokahaan. Bareto mah
sieun soteh lahir ku batur, batin ku Allah. Sieun dibales disangsara di dunya, kilangbara sieun ku sangsara aherat,
tapi henteu aya karasana: bageur matak disenangkeun, henteu bageur matak disangsara. Aaah! Ayeuna mah kajeun,
aing rek sieun ku bebendonna, najan henteu jeung nyiksana; hayang kana pangasihna, najan henteu jeung ngaganjar.
Ngan supaya ulah aya bae di aing pijalaneun bebendonna, ngunghak ka Nu Kawasa, badilang14 ka nu ngawaskeun.
Sageuy henteu katingali, sageuy henteu karungu, sageuy henteu kabendon, najan teu aya bedana oge nu ngawula
jeung nu henteu ngawula. Nya eta nu matak isin, sababna tara katara bebendonna. Taya lianna nu jadi halangan
campelak kajaba ti inget ka nu diyakinkeun tadi tea.
Eeeeeh! Dosa temen, ari aing poho. Dosa temen ari aing keur pegat ngawula. Dosa temen ari aing keur era ku nu
sejen, cul kana paningalina Gusti Allah. Ayeuna sagala anu datang ka aing nu undur ti aing, datang ti Dinya, balik ka Dinya
12
Kapiran singkatan dari kapikiran
13
Kilangbara, pilangkara bara-bara, pirangbara, boro-boro.
14
Badilang: baong, nakal
deui. Rek apik bae ati, moal mokahaan tinggal parentah ngarempak larangan. Mana-mana nu pikitueun (ngarempak) rek
disingkahan. Pasrah bae! Panguruskeun supaya suka kana sakur nu geus kajadian, saruakeun nu ngeunah jeung nu teu
ngeunah, beresih pisan. Moal aya lampah pahili nya bakti, yen lantaran nu sejen, moal pahili nya nuding, nu
ngadatangkeun nu ngundurkeun, ditudingkeun ka nu lian. Ari kana lampah goreng, dosa tina lampah Islam, dosa
tina lampah ati, moal pisan dilampahkeun satungtung aya ingetan mah. Nu poho mah sugan moal dihukuman,
tapi kudu jeung pantesna. Moal bosen sakieu oge resep. Aing tacan pantes ka nu agung, nu ngayugakeun
awak, da buktina resep tampa taya pisan pamulangna: ti baheula nampa welas, nampa rahmat jeung ni'mat,
geus meujeuhna nampa asih males asih, sanajan reujeung pambrihna, da tamaha suka bungah kudu bae jeung
lantaran.
Lebah dieu rek mancat kana gelaran sahadah disebut jelema minasysyuhada. Mimitina tina sereset hate aya
roy sono mikarep neangan inya, hayang tepi ka wawuhna, bisi pahili jeung anu lain sok barangkirim.
SAHADAH

SAHADAH; Kenca
Barang cat kana gelaran sahadah ku perbawa iblis ti kenca: Ah! Aing kapalang! Hanas enggeus heubeul cape
ngalakonan parentah kolot-kolot, lampah Islam ku badan, percaya kana caritaan kolot-kolot ku ati sapanjangna, tur
geus panceg jejeg taya kakurangan. Ari ayeuna aing karep pon karep, sono pon15 sono, taya halanganana, da bubuhan
Nu Murah kudu disembah, Nu Asih geusan16 ngabakti; tapi ari nepi ka hayang wawuh mah, lain layak lain pantesna, da
aing puguh tumarima hina, amal saeutik, iman ipis; asa papakelesa17 teuing, kuriak geura moal kadada kaawakan. Pinter
aing rebo ku bodo, beunghar ku dosa. Atuh jiga pisan lancang sumantana teh! Ari diaku tea mah meureun diaku, da
abdina. Ngan aingna arek naon? Ayeuna oge aing teu kaur balas mokaha. Geus wawuh mah tangtu loba pisan pamalina.
Kuriak aing disebut hejo tihang, moro julang ngaleupaskeun peusing, cul pacul ngarah pangali, kabalinger, jadi susah
sorangan. Geuning bukti sapa menak sok matih ka nu dalit, lain ka cacah ka somah, eta mah loba mokaha, ditimbang ku
kabodoan, ditimbang ku kapohoan. Atuh aing oge kudu ngukur tangtung sorangan. Peupeuriheun geus paeh di ukur
batur, keur hirup mah geura, kudu nipak maneh. Masih soson-soson sono oge, leuheung-leuheung lamun geureung,
kumaha lamun sondari18? Kajeun deungeun lamo19 pamerena bae; kajeun henteu jeung ponyona, supaya kejona bae;
kajeun henteu jeung sonona, supaya nenjona bae; kajeun henteu jeung mulusna, supaya alusna bae; kajeun henteu jeung
betahna, supaya hirupna bae; kajeun henteu jeung amalna, supaya elmuna bae; kajeun henteu jeung waluyana, supaya
mulyana bae; kajeun asa catang bobo, supaya kejona bae; kajeun asa tuak bari, supaya caina bae; kajeun henteu jeung
sarina, supaya seungitna bae; kajeun henteu jeung seungitna, supaya kembangna bae; kajeun henteu jeung kembangna,
supaya tangkalna bae. Padahal geus heubeul pisan aing titen ka papancen, ngalakonan sagala papatah kolot, nyingkahan
laranganana, percaya ka beja bapa, dilanggengkeun ditetepkeun, henteu kudu ditambahan ku maksa papakelesa,
birakaya ari bagja, kumaha ari cilaka. Ana dene wawanen aing nyaksian yen taya deui sembaheun, pikaeraeun,
pikasieuneun, kajaba ti Gusti Allah, sakitu ge cukup, da lain cara nyaksian padu. Tacan aya nu nanyakeun: Ti mana
maneh nyaho? Datang ka dijawab: Cek bapa bae! Rek asih mah pantes bae puguh ka nu mere maweh. Tapi Gusti Allah
dipiasih meureun asih, henteu kitu keneh. Moal atoh dipisono. Memang henteu aya kakurang. Rek neangan, pantes bae,
tapi teu kudu jeung nyata. Nu di pambrih pangasihna, kapan bukti cek aing oge: Sagala pasihan ti Gusti Allah. Supaya
teu mungkir bae, Gusti Allah panujueun; cara aing guru bukti ka pangirim, mana ngirim oge nandakeun ti
kaasihan, lain tanda kaijidan. Kajeun teuing henteu reujeung prak digawena, ngan supaya aing boga
pikarepeun bae. Kajeun aing henteu jeung prak ngajadina, ngan supaya aing boga kawasana. Kajeun teuing
keur euweuh pisan tenjoeun, ngan supaya aing awas mata bae. Kajeun teuing keur euweuh dengekeuneun,
ngan supaya aing boga pangdenge bae. Kajeun teuing keur taya pipokeun, ngan supaya capetang bae. Kajeun
teuing teu buah teu kembang, ngan supaya hejo lembok bae. Kajeun teuing aing teu milu ngahakan, ngan
supaya meunang kakayaan bae. Bari oge Gusti Allah awas tingali, uninga kana kereteging ati aing, naha aing
make sono? Moromoro hayang papanggih nyata, keur naon? Kuriak ditundung bae. Aing ribrib ku rurujit, nu
sageuy piditampaeun. Kapan ngaku bisa oge ku eta mah kageuleuhna, naha aing sumono make lalakon? Ku
kitu ge nyata aing rek kaliron. Atuh kitu mah paranti aya bogoh hayang kalakon. Turun gunung unggah
gunung, samar bisa mukhalafah jeung nu anyar, da ieu mah lain kitu. Jeung aing teh sumono rek ngarah naon?
Arek menta, kapan osok ngirim memeh dipenta. Arek nanya, ngarah dijawab kumaha? Kuriak pahili bae.
Napsu nu matak kaduhung, hanjakal tara ti heula: Aaah, rek maksa bae ku penyok ku bengo, lara bagja
kumaha behna bae. Hayoh geus sakieu nya bagja, leuwih ti batan sasari, make resep make sono, pakurangan
teu ngahaja, beuki kaliru.
Renggenek peteng ati: Aaah! Tapi man thaloba syaian jiddan wajajadahu, sebrut maju! Bray gapurana
hareupeun, tapi halimunan, ramangramang.
Lebah dieu, iblis humandeuar: Aaahh! Enggeus ti baheula reureujeungan, ayeuna paturay tineung. Nya ari teu
beunang dipikanyaah mah, kajeun! Henteu digugu di dieu, sugan di ditu. Marukankeun aing moal nyeleke bae. Rasana mah

15
Pon; kecap pikeun nguatkeun maksud anu hartina méh (ampir) sarua jeung ogé, tambah deui, sumawonna.
16
Geusan: pikeun, arék, eukeur (Ind. untuk)..
17
kalésa Sskr. klésa: hésé, susah, leueur; ting. papa.
18
Leuheung lamun teuneung mun teu wani kumaha?
19
Lamo, asal, dapon
moal ngulampreng deui ka dieu, Keun bae, rasakeun moal tega, da sobat ti babaheula, buruk-buruk papan jati,
sagalakgalaking macan, moal nyatu anak. Moal enya henteu dikeureuyeuh.
Aeh-aeh aing sampurasun! Neda eureun ngadeuheus ka Rahmahniyah.

SAHADAH;Katuhu
Barang baranyay gelaran sahadah, cat mancat, bray padang perbawa ka pangeranan ti katuhu. Ah! Tadina mah
sono soteh nya asih dipulang asih, ayeuna mah kajeun teuing asih soteh aing henteu karana olih, sono soteh lain
lantaran ti kejo. Kajeun teuing sanajan ambon sorangan sumelang henteu kalawanan, da bongan beuki lila beuki
nyata ngirimna henteu jeung pambrih, melang teu ngarah pamulang. Ayeuna mah meujeuhna rek paeh poso di mana
bae amprokna kari saheateun deui, moal beunang disisilihan nya ati. Geus heubeul nya mulangkeun panarima ku
sagala lalab rumbah, tapi biheung tepi biheung henteu. Ari ti Ditu mah puguh aing nampa sapapanjangna. Sugan ari
geus wawuh mah kaduga aing nanyakeun inya, kumaha datang atawa henteu? Anu mawi jurungan kuring cangcaya,
hanas kuring cape, pantesna buruk di jalan. Kajeun aing disebut sumalandang sumantana, matak naon. Anu murah ti
kaanggangan, komo teuing lamun aing ngawawuhan! Bareto mah aing atoh meunang kejo, ayeuna mah atoh
meunang kejo jeung seubeuhna. Bareto mah aing atoh meunang cageur, ayeuna mah atoh meunang jeung bageurna.
Bareto mah aing atoh meunang baju alus, ayeuna mah atoh meunang jeung mulusna. Bareto mah aing atoh
meunang samak anggel, ayeuna mah atoh meunang jeung tunduhna. Bareto mah atoh meunang kahirupan,
ayeuna mah atoh meunang jeung betahna. Bareto mah aing atoh meunang elmuna, ayeuna mah atoh meunang
jeung ngamalkeunana. Hayang tea mah amprok sapajodogan. Teu hayang tangkal kananga, ngan hayang
kembangna bae; teu hayang kembang kananga, ngan hayang seungitna bae; teu hayang seungit kananga, ngan
hayang sarina bae. Aing teu hayang pangirim, ngan hayang nu ngirimna bae; aing teu sono ka kejo, .ari asa
catang bobo; teu hayang aing kana cai, ari asa tuak bari; henteu kabita ku mulya, ari mulya jeung sangsara; aing
teu sieun gering, ari rasa dipikuring. Kajeun teuing hese cape, ari terus mah jeung hate. Kajeun teuing teu dipuji,
ari muji bari pambrih. Kajeun teuing teu diogo, ari ngogo ngolo-ngolo. Kajeun teuing teu ditalengteng, mun
nalengteng neneh bonteng. Kajeun teuing kapanasan, ari inget kabulusan. Kajeun teuing kahujanan, ari inget
kapanasan. Kajeun nyalingit salatri, ari pikir cara santri. Kajeun teuing jeung walurat, ari inget ka aherat. Beu
naha aing bet lancang suaban teuing, ti bareto waniwani nyaksian: Euweuh deui sembaheun kajaba ti Gusti
Allah! Kumaha lamun aya nu nanya: Ti mana nya nyaho? Meureun ngan bisa ngajawab: Da ceuk kolot! Da ceuk
Bapa! Kumaha piandeleunana! Aya saksi putus ku ceuk beja bae! Tah anu matak aing keukeuh peupeujeuh ulah
jeung henteu, hayang tepi ka nyatana. Cara ditanya: Maneh nyaho rupa cabe? Ngajawab: Puguh nyaho mah, da geus
ngasaan, bet lada! Maneh nyaho di gula? Ngajawab: Puguh nyaho mah, da geus ngasaan, bet amis! Maneh nyaho di
uyah? Ngajawab: Puguh nyaho mah, da geus ngasaan, bet pangset! Moal ngajawab: Da cek bapa!
Ngeng katorekan: Wah! Kade kalao! Majarkeun henteu pambrihan, geuning panas tiris. sapeupeuting,
bayeungyang panas ti beurang soteh ngudag-ngudag nu ngirimna Jamaliyah kaedanan ku geulisna. Aeeh tobat, atuh
aing di amprokna oge, tangtu nganaha-naha: Saha nu sok ngahulag karep andika? Rek ngirim jamaliyah ari jolna
jalaliyah.
Lamun enya lain deui nu ngirimna, mun paksakeun bae; bet kuring ngeunah cageur datang gering, hayang hirup
datang pati, keur ngadenge datang torek, keur awas datang lolong, keur capetang datang pireu, keur inget datang
limpeuran. Atuh aing pambrihan, sono ka hejo-lembokna bae, asih kana muktina bae, daek kana pamerena bae, lucu ka
untungna bae, betah ka warasna bae, pambrih ka mamanisna bae. Atuh nyembah kangeunahan kagenahan, henteu
jeung kateungeunahan, na ari eta beunang saha? Sikap saha? Tangtu disebut duriat ka jamaliyah pista ka jalaliyah
Puguh eta anu jadi dingding paminding, hijab sabda halimunan teh. Moal timu teu balas kalinglap, nyembah kana
jamaliyah, mungkir kana jalaliyah, di wawuhna ge reureundahan, ti peuting, leungit ti beurang; ti beurang, leungit ti
peuting; di darat, leungit di cai; di cai, leungit di darat. Majar sanggup ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salogak.
Lebah dieu windu lamun tacan bumelang ka lara bagja, sapapait samamanis, beurang kumaha peutingna, peuting
kumaha beurangna, geus panas kumaha tins, geus tiris kumaha panas, undur itu datang, ieu, undur ieu datang itu;
datang sono undur sono, piligenti keneh-keneh.
Lebah dieu karek midangdam: Sugan teh kukupu hideung, sihoreng si rama-rama: cai mulang cai malik; cai
ngocor ka astana; layung isuk samar beurang, kadeuleu sakolebatan.
Lebah,dieu ramang-ramang ngarenggenek gapura tepis wiring Sidikiyah babakan Suralaya kajembaran
Rahmaniyah. Ngahuleng: Aduh-aduh! Naon itu? Diawaskeun kurang awas, dikiceupkeun sieun euweuh. Laaar liwat
ka alun-alun, ngiuhan dina aub-aub tanjung. Maju deui bray meueusan, ngadeg ngawaskeun lawangna. Tanggana
lima hambalan, kagenep bangbarungna. Tihangna tujuh, lawang kori jandelana tujuh. Lampu rantuy 99, ditambahan
ku damar baranang siang taya wiwilanganana. Nya keusikkeusik barentik, nya cadas-cadas harerang. Dituliskeun
kurang mangsi, disuratkeun kurang papan. Ngaranna ge Kamalatul Uluhiyah, kalangkangna Kamalatul Insaniyah.
Randeg ngarandeg lebah lawang. Ret ka luhur ret ka handap. Top dirampa. Bray muka bari maca:
Assalamu'alaekum! tilu kali. Taya nu ngajawab. Tuluy maca: Assalamu'alaeka ayuhan nabiyu warahmatullahi wabarokatuh.
Assalamu 'alaena wa ala ibadillahis solihin; terus takbir: Allahu akbar! wajahtu wajhia lilladi fatorossamawati walardho
hanifan musliman wa ma ana minalmusyrikin.
SYIDIKIYAH

Barang bray mukakeun lawang rasa Rahmaniyah perbawa kapangeranan, tazaliyat, hartina perbawa rasa,
sirna adegan gapura: Aeeeh! Naha salam aing euweuh nu ngajawab? Sihoreng teh gapura nyatana siloka, lampu
rantuy 99 nyatana asmaul husna, sabagian jamaliyah sabagian jalaliyah, sabagian kamaliyah, ditambahan ku asma
kasampurnaan nu taya bilanganana. Tihang tujuh buktina adegan ma'ani, Jandela dibuka ku ma'nawiyah. Lawang
kori timbangan khaof jeung roja' dibukana ku sosi qisthosi'l mustaqim. Tangga lima nyatana martabat anu geus
kaliwat, kagenep bangbarung Sidikiyah_. Kajembaran Rahmaniyah: tangkal tanjung nyatana sidrati'l-muntaha
kembang seungit kanyataan jamaliyah, kembang burung kanyataan jalaliyah; daun hejo kanyataan jamaliyah,
daun kalakay kanyataan jalaliyah; seungitna buah asak kanyataan jamaliyah, buah murag kanyataan jalaliyah.
Moal murag buah, lamun asak kembang; moal burung kernbang, lamun waras dahan; moal gering dahan lamun
hirup tangkal; moal gering tangkal lamun waras akar.
Moal kurbah lamun kurang sidikiyah; moal sidikiyah lamun kurang sahadahna; moal sahadah lamun kurang
ihsanna; moal ihsan lamun kurang solehna; moal soleh lamun kurang imanna; moal iman lamun kurang Islamna.
Dina wawuh, lamun langgeng, jamaliyah; dina wawuh, lamun bengkah, jalaliyah. Moal layeut lamun heug
kurang wawuhna. Moal wawuh lamun heug kurang sejana. Moal seja, lamun heug kurang cucudna. Moal cucud
lamun heug kurang langgengna. Moal langgeng lamun heug kurang ngandelna. Moal ngandel lamun heug kurang
lampahna. Moal meunang wilayah lamun heug kurang ma'rifatna. Moal ma'rifat lamun heug taya iradatna. Moal
meunang iradat lamun heug taya istiqomahna. Moal meunang istiqomah, lamun taya mudawamahna. Moal
dawam lamun taya tasdikna; moal bisa tasdik lamun taya lampah rasana. Moal hayat lamun taya elmuna; moal
elmu lamun heug taya iradatna; moal iradat lamun heug taya kudratna; moal kudrat lamun heug taya sama'na;
moal sama' lamun heug taya basarna; moal basar lamun heug taya kalamna.
Pasebanna, panimbangan ratana jamaliyah-jalaliyah. Ras ku` rasa, sir ku sari, nya bibit aing ma'ani, banda
asal ma'nawiyah, pusaka ti babaheula, bibit aing ti leuleutik, ma'ani geusan ngabakti, ma'nawiyah, nu ngawula. Jul
ti ditu los ka ditu, ti jaman keur Islam keneh, teu samar wiwitaning Rahmaniyah.
Brag nu ngeunah jamaliyah, kana jasad kana nyawa, dunya atawa aherat.
Brag nu teu ngeunah jalaliyah, kana jasad kana nyawa, dunya atawa aherat.
Jamaliyah ngabagjakeun; jalaliyah nyilakakeun. Duanana nyatana Rahmaniyah, henteu luhur handapan, duanana
kajadian ti ma'ani, wedalan ti napsiyahan ras ku rasa sir ku sari.
Aeh-aeh! Nyata pisan buktina bibit ma'ani, nyatana kalam ku ucap, nyatana basar ku mata, nyatanasama'ku
ceuli, nyatana 'kudrat ku polah, nyatana iradat ku hayang, nyatana elmu ku nyaho, nyatana hayat ku hirup. Buktina
kalam ku nyata, nyatana basar ku tekad, nyatana sama' ku patut, nyatana kudrat ku undak parentahan, nyatana
iradat ku karep, nyatana elmu ku wawuh, nyatana hayat ku eling.
Henteu umum anu nyata henteu katenjo henteu kadenge; henteu umum nu kadenge teu ngajadi; henteu umum
nu ngajadi teu dihaja; henteu umum nu dihaja teu kaharti; henteu umum pangarti lain ti nu hirup, unggal nu hirup
boga pangarti, najan leutik cara orok bisa ngenyot; unggal nu ngarti boga kahayang, najan saeutik, cara budak
hayang disalinan; unggal kahayang kudu kasorang, cara budak hareudangeun dimandian.
Unggal-unggal nu ngadenge sok katenjo, masih anggang, da lain ngadenge urang. Unggal-unggal nu ngadenge
sok gumelar, kumawula kana dedengeanana; mana bukti ge ku paningal, mana nenjo ge ku pangdenge, mana
ngadenge ge ku kabisa, mana bisa ge ku pakarepan, mana karep ge ku pangarti, mana ngarti ge ku hirupna, perbuka
teh rasa kapangeranan.
Majarkeun tell hese nyiar rasa ka-Allah-an, meureun bae kapan rasa teh perbuka, puguh eukeur cek rasa tacan
kasorang, aya rasa nu percaya ngaranna, anu matak nanyakeun: Mana sipatna?
Cara budak kabita ku ngaran amis, beunang bae digantian ku nu lian; anu gering kabita ku sarikaya beunang keneh
digantian ku jalabria. Ana hayang perbuka ku sipat aya, ari manggih anu aya oge dieuweuh-euweuh, sabab enya aya tea
mah, tapi anyar, anu disiar anu aya lain nu anyar. Ana hayang perbuka sipat ku hirup, aya ge hirupna di lain-lain, sabab
enya hirup tea mah, tapi anyar, nu disiar nu hirup lain nu anyar. Ana hayang perbuka sipat harti, aya oge pangarti dilain-
lain, sabab enya harti tea mah, tapi anyar, nu disiar pangarti lain nu anyar. Ana hayang perbuka sipat hayang, manggih
kahayang dilain-lain, sabab enya hayang tea mah, tapi anyar, nu disiar kahayang lain nu anyar. Ana hayang perbuka sipat
pangdenge, ana manggih dilain-lain, sabab enya pangdenge tea mah, tapi anyar, nu disiar pangdenge lain nu anyar. Ana
hayang perbuka sipat paningal, ana manggih paningal dilain-lain, sabab enya paningal tea mah, tapi anyar, nu disiar
paningal lain nu anyar. Ana hayang perbuka sipat pangandika, ana
manggih, enya ge dilain-lain,, sabab enya pangandika tea mah, tapi anyar, nu disiar pangandika lain nu anyar.
Henteu nyaho kajadian ku ma'nawiyah ma'ani, sipatna kapangeranan, nu dimaksud hayang kajadian ku, enggeus
bukti ge dilain-lain. Leuheung meueus manggih dat mana sipatna? Leuheung meueus manggih sipat mana asmana?
Leuheung meueus manggih jalma naon pangabisana? Leuheung meueus manggih pangabisa jalma, saha ngaranna? Ari
ieu nyaho ngaran memeh polah, manggih polah nanya mana nu bogana? Keur pahili teh jeung lila. Enggeus harti
nanyakeun mana nu bogana polah, atuh nanjak tibalik buta ka sari. Na iraha pinimueun tapak ma'ani Pangeran?
Lamun teu imeut leukeun nungtik nu leutik saruni moal kaur, halangan ku nu nandangan. Pangkandelna kapindingan
jalaliyah Nu matak dimohal-mohal sipat Pangeran nyalahan, tapi moal kapanggih nandang sorangan, di ayana ge
ditudingkeun ka nu Iian. Peupeuriheun nu ngajadi sakahayang, geuna atuh kajadian tudingkeun ka Gusti Allah. Lamun,
henteu kitu iraha atuh,manggih nu jieunan Allah ta'ala? Ari basa enggeus maksa, make dohirna jieun si Anu, batinna damelan
Allah ta'ala. Henteu umum pangarti henteu ngajadi, kahayang henteu kasorang. Henteu umum pangrungu taya rungueun,
henteu umum awas taya tingalieun; henteu umum kalam taya parentahan; henteu umum titaheun henteu dititah; henteu umum
tenjoeun henteu ditenjo; henteu umum dengekeuneun teu didenge; henteu umum pagawean teu dipigawe; henteu umum
hartikeuneun henteu kaharti; henteu umum pikarepeun teu dipikarep; henteu umum hirup taya jajadina; henteu umum nitah
ka lain titaheun, henteu umum nenjo ka lain tenjoeun; henteu umum ngadenge ka lain dengeeun; henteu umum migawe lain
pigaweeun; henteu umum ngarti ka lain hartikeuneun; henteu umum inget lain ka ingetkeuneun. Ieu kabeh paraji enggeus
ngawangsit basa aing keur diteukteuk ari-ari; lain niat paraji, najan teu harti, ngan dipaksa ku parental' kalamullah. Beunangna
kalam digugu, asal ucap ditampanan ku pangrungu, pangrungu ngirim ka ati, ati kasukana ngawula. Nu sarua kabuktian
jamaliyah, nu sulaya kabuktian jalaliyah. Buktina kalam ku nyata, lain lantaran pangucap, didengekeun ku jasadna, lain
lantaran ku ceuli. Anu ngeunah kanyataan jamaliyah, nu teu ngeunah kanyataan jalaliyah. Nyatana.basar ku mata, awasna
ngirim ka ati, ati nu marentah jasadna kana ngeunah kanyataan jamaliyah, teu ngeunahna kanyataan jalaliyah.
Ieu asal yakin ati, disadakeun ku ucapna, didenge ku ceuli aing, ana datang kana ati aya sieun aya ludeurig, aya
ngeunah aya henteu, aya ngandel aya henteu, eta kapangeranan kabeh. Ari ngeunah kanyataan jamaliyah, nu teu ngeunah
kanyataan jalaliyah. Anu matak geus jadi basa Gusti Allah ngandika henteu ku ucap, ningali hanteu ku soca, ngarungu
hanteu ku cepil; ari ngomong ka Allah lain ku ucap, ngadeuleu ka Allah lain ku mata, ngadenge ka Allah lain ku ceuli.
Sugan tea mah batu ragrag ka lebak, cai ngocor ka hilir, lain sabab ngawula ka kalamullah, sihoreng teh batu ragrag
kumawula, cai ngocor kumawula, seuneu
teurak kumawula. Sakapeung mah cai leuleuy henteu tanggeung, seuneu pareum batan teurak, eta keur
dicaram ku kalamullah. Aing-aing, itu-itu! Ngadu elmu pada elmu, ngadu hayat pada hayat.
Astagfirullah! Karek wawuh kana polah, tacan yakin kana bukti. Mimiti ti jaman Islam aing nyaho di ngaran,
disebutan tamba poho di ngaranna. Nyaho kana polah jamaliyah, jalaliyah, masih keneh aing-aing itu-itu. Datang ka
aing ti ditu, datang ka ditu ti aing. Wawuh moaI pahili ngaranna, moal pahili milikna. Lamun padu, aing
pisaksieunana. Disebut lain anuna, cek aing puguh anuna, wani sumpah euweuh deui nu boga, kajaba ti Gusti Allah.
Lebah dieu nyembah, sabab era ku sipatna. Kakara nyaho di samping, henteu kanyahoan ninunna; kakara nyaho di
kejo, henteu kanyahoan ngejona; kakara nyaho di pare, henteu kanyahoan nyawahna; kakara nyaho di panas henteu
kanyahoan nyundutna; kakara nyaho di this henteu kanyahoan iuhna; kakara nyaho di beurat, teu kanyahoan
nindihanana; kakara nyaho di hampang, teu kanyahoan ngajungjungkeunana; kakara nyaho di eungap, teu
kanyahoan nyedekkeunana; kakara nyaho di lega, teu kanyahoan anggangna; kakara nyaho di sieun, teu kanyahoan
ambekna; kakara nyaho di ludeung, teu kanyahoan di sabarna.
Aeh! Sugan teh jamaliyah sok nyorangan, jalaliyah sok nyorangan. Singhoreng teh bareng satata satingkah.
Bulan caang ti peuting ku jamaliyah, bulan teu caang ti beurang ku jalaliyah; poe poyan ti beurang ku jamaliyah,
poe iuh ti peuting ku jalaliyah; cai tiis keur halabhab ku jamaliyah, cai tiis keur this ku. jalaliyah; aing ngucap
katarajang jamaliyah, aing pireukatarajang .jalaliyah; aing awas katarajang jamaliyah, aing lolong katarajang
jalaliyah; aing ngadenge katarajang jamaliyah, aing torek katarajang jalaliyah; aing nyaho katarajang jamaliyah,
aing teu nyaho katarajang jalaliyah; aing hirup katarajang jamaliyah, aing paeh katarajang jalaliyah; aing ngagugu
katarajang jamaliyah, aing teu ngagugu katarajang jalaliyah; aing wawuh katarajang jamaliyah, aing teu wawuh
katarajang jalaliyah; aing inget katarajang jamaliyah, aing poho katarajang jalaliyah; aing aya katarajang
jamaliyah, aing euweuh katarajang jalaliyah; aing bisa katarajang jamaliyah, aing teu bisa katarajang jalaliyah;
aing daek katarajang jamaliyah, aing embung katarajang jalaliyah. Nu matak nu wawuh sok henteu heula; anu
matak nu pasea sok wawuh heula; anu matak nu inget sok poho heula; anu matak nu poho sok inget heula.
Aeh, naha aing katalimbeng? Naha bet jamaliyah jalaliyah masih aya keneh mangsa? Atuh lain ka-Allah-an
make mangsa make enggon; kapan bareng taya heula pandeurina. Asma buktina nya sipat; sipat buktina nya dat. Ari
sipat di mangsana; ma'ani aya mimiti, sipat aya wekasan, atuh ngablu. Kapan sampurna teh ulah aya
panganggeusanana, ulah aya mimitina, bisi lain ka-Allah-an. Aeh kapan nyata tiris bari panas, kapan panas bari tiris;
kapan bisa bari teu bisa, kapan poho bari inget; kapan paeh bari hirup, kapan aya bari euweuh. Moal poek
lamun seug unggul caangna, moal caang lamun seug unggul poekna; moal nyeri lamun seug unggul henteuna;
moal ngeunah lamun seug unggul nyerina. Kapan geus jadi basa: perang sajeroning kurungan, pasea taya
tungtungna Lain aya pada aya, lain euweuh pada euweuh, lain pinter pada pinter, lain bedas pada bedas; lamun kitu
mustahil aya dua babarengan, kumaha pitohideunana? Puguh kitu tea mah, ku aing moal kaharti, lamun tacan jeung
perbuka. Jadi babasan nanjak neang landeuh, da nyata di aing dijurukeun ku indung, hulu heula; nanjak
ngawawuhan; ari paeh mimitina suku heula, paribasa mudun pinanjakeun nanjak pimuduneun deui, amit mundur
rek wangsul ka kalanggengan. Bongan aing nyaba kana kaapesan, teu bisa mapatkeun sipat, miligentikeun ma'ani,
geus perbawa lain di jaman sorangan.
Ieu kabeh dipaksa ku kalamullah, mun nyebut aya ka nu euweuh, nyebut euweuh ka nu aya; nyebut poek ka nu
caang, nyebut caang ka nu poek; nyebut gede ka nu leutik, nyebut leutik ka nu gede ; nyebut panjang ka nu pondok,
nyebut pondok ka nu panjang; nyebut heurin ka nu lega, nyebut lega ka nu heurin; nyebut lila ka sakeudeung,
nyebut sakeudeung ka nu lila; nyebut awal ka ahir, nyebut ahir ka awal; nyebut hirup ka nu paeh, nyebut paeh ka nu
hirup; nyebut dohir ka nu batin, nyebut batin ka nu dohir; nyebut samar ka nu nyata; nyebut nyata ka nu samar.
Bongan saha? Bongan aing! Da bubuhan uluhiyah dieunteungan insaniyah! Ajsadiyah dieunteungan arwahiyah!
Duniawiyah dieunteungan uhrowiyah! Tangtu pisan kencana jadi katuhu, katuhu jadi kenca; tapi maksa dibuktikeun
ku kalamullah. Geuning aing ti barang gubrag ti indung patunjang-tunjang! Cacak jasad pada jasad, komo teuing
lamun jasad jeung nyawa! Dunya dibanding aherat! Keur cicing di ubudiyah ngeunteungka uluhiyah. Ari basa ti
baheula tibalik buta ka sari, hulu dijieun suku, sukudijieun hulu; paribasa dohirna mah isin ku kersa andika, batinna
mah isin ku Robbul'alamin; dohir tobat ka sampean, batin ka Pangeran.
Naha make mamawa Pangeran! Lamun lain dipaksa ku kalamullah mah, ti bubudak sok nyaah ka nu
nyaaheun, sok sieun ku saluhureun. Bet meneran rasa lain ku pangwarah, anging dipaksa ku kalamullah. Paribasa:
indung bapa geus teu aya. Enya teu nyaho di indung; basa indung basa bapa, tamba pahili jeung deungeun-
deungeun, kanyataan wadah asaling ma'ani. Ingkeun bae, lila-lila oge boga rasa, nu adam moal gumelar. Horeng
aing teu indungan teu bapaan. Henteu umum pada-pada baranahan, henteu umum handalam henteu huisan; henteu
umum orok henteu geus huisan; henteu umum duwegan henteu butuhan; henteu umum caruluk henteu lahangan;
henteu umum memeh kolot budak heula; henteu umum jaga bet baheula heula; henteu umum make aya euweuh
heula; henteu umum aherat make dunyaan heula; henteu umum isuk make sore heula; henteu umum sore make isuk
heula. Paribasa: Titis tulis ti jaman ajali, bongan caang make dipoekan heula. Rarasaan perang sajeroning kurungan
teh, anyar-anyar, bongan make kapindingan heula. Sugan tea mah ahadiyat teh baheula, sihoreng teh teu umum
paheula-heula. Panyana teh ludeungan teh kudu ka leuweung, sihoreng ati mah borangan bae; panyana teh nineung
teh kudu ka deungeun, sihoreng asih mah ka sorangan bae. Paribasa kudu nyaah ka sasama, enyana mah kudu nyaah
ka badan sorangan. Ari jasad katuhu nyaah ka kencana, bisi jadi ngeunah taya teu ngeunahna; nyawa ngeunah nyaah
kana teu ngeunahna; mana nyata katuhu keur kahormatan, mana nyata kenca keur kahinaan; mana nyata katuhu
jalan sawarga, mana nyata kenca jalan ka naraka; mana nyata wawuh datang ti katuhu, mana nyata teu wawuh
datang ti kenca; mana nyata tampa buku alus datang ti katuhu, mana nyata tampa tulis goreng ti kenca; mana nyata
ludeung ku disingsieunan, mana nyata maju soteh dipuntangan. Paribasa pasea pada sasama, enya pisan pasea jeung
sasamana. Eleh kaleutikan jamaliyah meunang kagedean jalaliyah. Paribasa nya bali geusan ngajadi, enya pisan
batur jadi pada jadi. Paribasa banjar karang pamulangan, enya pisan balik ka lembur sorangan. Era pisan nyebut oge
pamulangan, sieun majar betah keur di panganjangan; era pisan nyebut oge panganjangan, puguh aing aya di lembur
sorangan. Paribasa nya balik ka geusan ngajadi, enya pisan entas poho kana eling. Paribasa pikir mah ka mana-
mana, lain indit ngan ati keur ngalalana. Paribasa mulang ka rahmatullah, setan oge jaga mah inna lillahi, pada boga
rasa da teu meunang henteu, mana kudu eling, poma ulah henteu.
Lebah dieu rek mancat kana gelaran kurbah atawa kaparek sabanda saboga.

Kurbah
Alah! Alah! Alah! Aeh! Aeh! Aeh!
Ma'ani andika ka mana? Da ieu mah anu kaula. Sipat andika di mana? Da ieu mah
anu kaula. Af'al andika di mana? Da ieu mah anu kaula.
Reup janteng huleng ngahuleng, rarasaan lain beurang lain peuting, lain panas lain tiis, lain poyan lain iuh, lain
caang lain poek, lain handap lain luhur, lain aing lain itu. Aing sirna kalindih ku uluhiyah, itu sirna kalindih ku
ubudiyah; disebut aing da itu, disebut itu da aing, disebut aing bet ngewa kalindih ma'ani, disebut itu bet ngewa, eukeur
kajalaliyahan. Hayu atuh urang sabanda saboga, ka cai urang saleuwi, ka darat urang salogak!
Jamaliyah jieun urang! Jalaliyah jieun urang! Wah! Naha make papatungan, aya tetelahan dua, karek nyata
ka-Allah-an? Ih! Lain! Ulah lali ka wiwitan. Uluhiyah asal kapangeranan, ubudiyah ngaran aing ti leuleutik. Runtag
soteh ngadu rasa pada rasa, moal cacad ku ngaran. Geura rasakeun! Ulen oge moal leungit ngaran ketan, bata oge
moal leungit ngaran taneuh, gula oge moal leungit ngaran kawung. Ngan ayeuna leungit rasa ganti rasa. Baheula
mah henteu sabanda saboga, ayeuna mah sabanda saboga; bareto mah henteu sasuka saduka, ayeuna mah sasuka
saduka. Ayeuna mah moal tunggu beja heula, anu lulus ka ditu lulus ka aing, anu bengkah ka: ditu bengkah ka aing,
najan aing teu kudu istori heula. Baheula mah pundung ti indung ka bapa, pundung ti bapa ka indung, lila-lila bebeja
ka astanana, lila-lila barangpenta ka Allahna, lila-lila torojogan ka Allahna.
Ayeuna mah naha bet istori heula? Ayeuna mah naha bet barangpenta heula? Mun rasakeun kama'anian
sorangan! Ngeunah bae jamaliyah nu nandangan; henteu ngeunah jalaliyah nu nandangan. Lamun enya ganti uni
pindah mangsa, ti baheula sahadat teu ganti rupa. Lamun enya pindah tata pindah basa, pindah rupa kalakuan ka-
Islaman, nyebut Allah ti baheula teu dirobah; Rosululloh tepi ka maqomi'l-Kurbah. Ngan sakitu kaapesan ubudiyah
moal idrak kana datna uluhiyah.
Idrak mah kudu katimu, timu kudu ku bangsana, di aing ngan aya lima anu
dohir:
1. ambeu; kabisana nyaho di seungit,
2. rasa; bisana nyaho di amis di pait,
3. awas; bisana nyaho di rupa,
4. pangdenge; bisana nyaho di sora,
5. antel; bisana nyaho di lemes di kasar.
Anu batin dina nyawa: aya akal, bisana nyaho di nu kapikir; aya sangka, bisana ka nu disangka; aya yakin,
bisana ngan ka nu bukti.
Eta kabeh lain lawan papanggihan jeung uluhiyah. Aya oge kapanggihna lamun teu kapanggih, timuna
lamun teu jongok, ngan cirina anu bukti, kumaha jejegna aing dina pangkat ubudiyah lamun jejeg asal-asalna,
henteu pahili nya ngancik, henteu salia nya pangkat: Asal aing tina seuneu, nuturkeun cahyaning hayat; asal aing
tina taneuh, nuturkeun cahyaning elmu; asal aing tina cai nuturkeun cahyaning iradat; asal aing tina angin,
nuturkeun cahyaning kudrat; jejeg panceg sarua papak beuratna, dibarengan ku duriat eling ngapung kana datna
uluhiyah; elmu gumelar kana sipat rahmaniyah; iradat ngocor kana laut musahadah; kudrat anu ngobahkeun
kana pucuk hayat. Nu matak tajali warna, perbuka henteu sarua, masing-masing teu pahili, sabogana sabogana,
perbawa pucuking seuneu bari eling katebak ku barat kudrat, ana nyorot kana taneuh, aya caang aya surem, aya
panas aya tiis, aya beureum aya bodas, aya hejo aya paul; kumaha bagianana perbawaning iradat. Lebah
kokocoran cai, aya kiruh aya herang, aya leler aya tarik, aya banjir aya orot, kurang-kurang pangoboran ti
hayatna. Moal bisa taneuh narimakeun inya, lamun taya wawatek elmu, tangtuna pasalingsingan, balukarna
kabanjiran teu elmuan, kacaangan teu elmuan, kaanginan teu elmuan; nu matak pabanding-banding, angin
wawateking kudrat ngagedagkeun pucuk hayat, ngoboran ka napas aing; aing kasampak keur eling geus tangtu
saban napas ganti-ganti, nu kaluar nu ka jero; keur di luar keur di jero, moal pahili tajali, nya rasa moal sarua,
bagian tina hayatna, diobahkeun ku kudratna, ngoboran ka iradatna, ditampa ku yakin aing pasihan moal
kabilang, panampa taya tungtungna! Anu matak moal katimu lamun kurang ngabandingna.
Cirina anu geus sampurna dina kagustianana, dianggap ku nu sampurna dina kaabdian. Di ditu aya istighna di
dieu aya iftiqor, nu matak moal katimu lamun masih boga sangka.
Ari dat aya buktina, puguh enya di aing aya ma'ani; aing disebut nu hirup, meureun katitipan hayat, tapi hayat
teh nu mana? Usik malik mah tapakna! Di aing aya pangarti, aing disebut nu ngarti, meureun katitipan elmu, tapi
elmu teh nu mana? Beureum-hideung beunang mata, harus-henteu beunang ceuli, pait-peuheur beunang rasa, bau-
seungit beunang ambeu, eta mah beunang ma'lumat, tapak elmu di ma'ani; nu matak nu mana elmu teh?
Aing disebut nu daek, tangtu ku boga iradat baris ngagelarkeun kudrat, ari enggeus brag gumelar, indit diuk
tapak iradat, dikaulakeun ku kudrat, nu nyata kabeh tapakna.
Aing disebut ngadenge, ku sabab boga pangdenge; soara nu kadenge ngan jadi tapakna bae, ari pangdenge nu mana? Nya
kitu basar jeung kalam; ma'ani dipiriwinci, nyaeta nafsiyah aing, tapi teu nyata buktina!
Ieu nu di ubudiyah geura babar jeung ma'ani uluhiyah, sarua moal katimu, da timuna ku teu timu! Pieunteungeun
kana datna uluhiyah. Ari tajali mah rasa, leungit rasana dat aing, kasirna uluhiyah, disarebut tajalli dat, perbukarasaning
sirna ilang salian ti itu; lamun dat ku tajalli dat, bagian maqomi'l-qurbah. Mun sipat sirna, da aing kalindih ku sipatna
uluhiyah, disebut tajalli sipat, ilang tina rahmaniyah, bagian maqom shadikin. Lamun af'al sirna, da aing kalindihan ku
afalna uluhiyah, disarebut tajalli af'al, bagian maqomi'l-awwam, nyembah sabab rububiyah, ngawulana ku ibadah, gede
dohir batan batin, gede jasad batan nyawa. Lima pangkat nu bogaeun maqom eta, lengkepna di ubudiyah. Emu wawatekna
taneuh, boga pirasat darma nampa anu datang. Iradat wawatekna cai, ngocor ka mana kersana. Ieu dua wawatek asor,
jadina nu tujuh tea; wahangan kumaha cai, cai kumaha wahangan. Kudrat ngagelarkeun seja, nyamberan ka congo hayat,
buktina nyembah ku jasad, buktina awas ku tekad. Hayat buktina nya eling; kumaha beurat duriat, masih disamberan angin,
lamun gede tambah hurung, lamun leutik matak pareum; tapi lamun jeung pitulung, masih geus kakalincesan, cekas deui
cekas deui; masih kiruh masih tanggeung, herang deui herang deui.
Jadi aing asal opat, nu dua perbawa hand, tiwas lamun kapoekan; nu dua perbawa luhur, tiwas lamun kapareuman. Nu
matak layeut wawatek, nu ngedeng gede elingna, nu nangtung gede pohona, nu matak sili eledan, nu salat nangtung jeung
ruku, kagedean hayat kudrat, nyata sipat uluhiyah; nu keur sujud nu keur lungguh, kagedean wawatek elmu jeung iradat, nyata
sipat ubudiyah; jadi ka mana beuratna. Beurat teuing basariyah matak nambleg teu ngajungjung: beurat teuing uluhiyah matak
ilang pancadria; nu matak geus jadi basa: rejeki teu pahili-hili, bagja teu paala-ala, kakara ngaran sampurna kalamatul
insaniyah, bisa ngabagina asal; cara pangkat Rosululloh, metakeun kapangeranan ku elingna, ku kudratna; metakeun
kakaulaan ku elmuna, ku iradatna. Balukarna taya nu diasih nu disanak, nu dipasrahan uluhiyah, taya deui nu dilandih katelah
ubudiyahna, jejeg ka luhur ka hand, kajaba ti anjeunnanana, jadi tutup pangheulana, jadi conto ti pandeuri. Geura prak agus
ngawula, ngawula ka eling aing, ngawula ka elmu aing, ngawula ka iradat aing, ngawula ka kudrat aing, ngawula ka denge
aing, ngawula ka awas aing, ngawula ka kalam aing. Moal enya ngawula lamun aing teu boga ma'ani.
Majar ulah boga rasa, disembah keur nyembah, nyembah bari keur disembah; sanyaahna deungeun moal
sarua nyaahna cara sorangan; sasieun-sieunna ku deungeun moal enya sieun cara ku sorangan. Ma'ani jadi lantaran
gumelar jasad Muhammad, nyontoan kasampurnaan ku kaubudiyahanana ngajungjung kauluhiyahanana. Ana
tepakaummatna nu meunang kawilayahan, ngayuh kaluhuranana ti pangkat kanubuwahan; ana tepa ka guru nu jadi
lantaran aing, dohirna lampah jasadna, batinna yakin imanna; saha nu beurat sabeulah, tandana kacilakaan. Raket
kumaha resepna, bekel ti jaman sahadah, mimiti nuturkeun iman, hayang nepi ka nyahona, geus nyaho hayang
wawuh, geus wawuh hayang resepna; lamun paler elmu, wawuh teu paedah, moal bumela ka wawuh, tega keneh
tega keneh; moal wawuh sabab nyaho, nyaho ge taya gunana, lamun nyaho bari poho, poho mah sasatna euweuh,
aya soteh cek enyana, tapi teu paedah ayana; aya henteu matak era, henteu paedah mulyana, mulyana lain ku rasa;
dimulyakeun meureun mulya, diapeskeun meureun apes, da pangkat uluhiyah mah pangeunteungan ubudiyah.
Lamun kacida handapna, uluhiyah sipatna, uluhiyah teu sipatan; lamun direbut jeung datna, leungit ka-Allah-
anana. Allah soteh ngan babasan, lamun teu sieun teu era; nu matak agung soteh Gusti Allah, cek nu rumasa hina;
murah soteh Gusti Allah cek nu rumasa nampa; matak sieun soteh Gusti Allah, cek nu rumasa kapurba. Kapan
menak oge hina cek somah anu mancangah mah; kaya oge cumah cek rasa nu tara menta mah; kapan ngelmu oge
cumah cek rasa nu teu hayang mah; kapan eling oge cumah cek rasa anu teu sono mah; kapan wawuh oge cumah,
cek rasa anu teu resep mah. Nu matak geus jadi basa: rasa teu beunang ku beja, kangeunah moal sarua, kumaha
bagianana, sarasana-sarasana. Nu matak dirasiahkeun, lain teu bisa nyaritakeun, tapi kumaha pipokeun.
Seuneu teu panas ngaranna, gula teu amis ngaranna; bukti ngawulaan ati, 'ngawula nuturkeun rasa, indung bapa
kari bangsa, manggih bela ka duriat. Nya hirup-hirup di nuhun, nya paeh-paeh di rampes, najan jadi purah-purah,
tilalah bela kasuka, ngawula tibabaheula, niat kumaha nya rasa aing ayeuna nya yakin moal lali ka wiwitan nu opat,
boga perbawa karek genah, da asalna: bumi ngancik di pikuring, cai darma lumampah, angin darma ngagedagkeun,
seuneu darma nyaangan. Taneuh asalna ti cai, gorengna ana ngiruhan; cai asalna ti angin, goreng ana mapag angin;
angin asalna ti seuneu, goreng ana keur mareuman. Nu matak geus jadi basa, nu asih dipulang sengit, benerna eling ka
asal, angin ngagoyangkeun cahya, cai lulus nutur arus, taneuh darma ngawadahan. Sundana angin teh napsu, purah
ngagedagkeun. nyawa, Sundana cai teh karep, purah maksa da ngawula; Sundana taneuh teh elmu, purah ngawaskeun
cahaya, bisi pahili jeung lain, bisi sulaya jeung asal. Matak runtag panggahota, mun nu opat marojengja.
Anu jadi ka-Allah-an, wisesa di kalanggengan, nu matak aya babasan: kapirit pajali-jali, haramay pajegang-
jegang, angen keuna ku cocoban, nya lung-
guh dina kukuhan, mun ngapung kana jungjunan; rasa rumasa boga nyawa kakurungan. Sundana teh: Pung ka luhur
pung ka handap, lamun masih dicaangan; rek ngapung kudu jeung suwung, ka hand mamawa baka. Gusti agung ku
tanajul, nyukakeun ka nu ti hand; ngawula mulya ku seba, awas kana pamuntangan; guru agung ku ngawuruk, santri
mulya ku tatanya; beunghar mulya ku barahan, malarat mulya ku menta; menak mulya ku someah, rahayat mulya ku
rendah; raja mulyaku adilna, abdi mulya ku nurutna. Hidayah kaPangeranan maksa najan teu rumasa menta ka nu rasa
boga, nanya ka nu rasa bisa. Nu matak ari nyalahan sok ripuh ku kabongananana. Hina teu rumasa hina, mulya teu rumasa
mulya, Nu pinter sok ngarasula, teu tahan ku nu naranya, nu beunghar sok ngarasula, teu tahan ku nu marenta. Henteu
boga rumasa bongan ngaku banda batur; henteu boga rumasa bongan mungkir ka milik pribadi. Nu jadi dingding
paminding ulah kalinglap sasama, buburuhun cara batur, sangsara cara sasama. Iman dibungkus sare'at, nya tata aya
tenjoeun, nya basa aya dengeeun, rapih dalit jeung pangampih, bear basa jeung sasama, rapih ka dieu ka ditu, pait daging
jeung pahang tulang, ngawula pada ngawula, lain hayang dicirian. Undak luhur pamakanan, hayang kaciri diasih, umaku
jadi seliran, dibedakeun jeung sasama, cul sara tata nagara, ngarah kalao nu lian. Nu dipambrih kasenangan keur di dunya,
ngarah rebo ku sosoroh, ngarah ladang paruruban, micara barang nu langka, majarkeun kasampurnaan. Sampurna
perbawa setan. Hayang cukul ku panipu, ngajual kapangeranan kana lalab rumbah, sanggup kana kadunyaan, ngarah poho
ka aherat; hayang disebut karamat, mulya kakasih Pangeran, ngalejo ka nu paroho, puguh merong, tinggal conto, jauh
Nabi deukeut guru, nu mulya bari ngawula, teu pambrih ka sugih dohir, wayahna sangsara jasad, mihapekeun payakinan,
nu jadi kapangeranan.
Ari jalanna cilaka lantaran katideresa, rasana keur kajongjonan, dilinglap ku tipu daya, dina jalan pancadria anu lima;
ditungtungan ku palsu nu matak bingung, ceuli disamur pangdenge, dedengean sok disebut sawarga tan katingalan. Mata
dipalsu paningal, rasa dipalsu pangrasa, ambeu dipalsu pangambeu; saalusna-saalusna, saagungna saagungna, samulyana
samulyana, ngarah tepi,ka kasampurnaan, Sumawonna perbawa ati setan, asal ngimankeun ka gaib, diwawuhan ku rohani,
nu tukang mukakeun rasiah, weruh sadurung winarah, bangsa jin atawa iblis, sanggup munjulkeun darajat, Ciciren di
kawalian, boga watek tina seuneu, sukana katakaburan, ana tepi ka sobatna, ngakukeun punjul ti batur, nyaho ka nu samar-
samar, naksir umur naksir bagja, norah barang nu teu nyata, ana nyata kabeneran, balukarna percaya anu balangah, mulya
hayang dicirian, ukur hayang ditandaan, ngarah betah ngeunah rasa, da aing boga ukuran.
Majar rasiah Pangeran, moal enya rasiah dimurah-mareh ka jalma bedah rasiah, da Allah mah nyumput ulah
dihalangan; rasiah aya di rasa, teu beunang diuar-aer masih hayang nguar-ngaer. Aya oge nu dipambrih ku aing mah,
hayang didingding paminding, ulah diberean jalan rasiah; bisa mukakeun cara dina pang-
kat khullah, rasa sabanda saboga, pangrungu leuwih ti batur, awas leuwih ti nu lian, iradat kudu laksana,
pangaweruh tanpa guru; kudrat di kapangeranan, balukarna moal tahan ngarasiah.
Eta muga-muga sakira moal katahan, ulah dipaparinkeun, kuriak katarajang ditipu-tipu ku napsu, mokaha
nguar-ngaerkeun. Kitu deui ciciren jadi kakasih, ibadah leuwih ti nista, akal ilang pancadria, sasat nyata tandaning
kapangeranan, kanyahoan ku nu Han, ku batur-batur ku timu, ku sorangan teu karasa; kakarek enya kakasih henteu
kaciri cara nu mikaasihna; disusul ku nu kalinglung, diteang bari midangdam, kapanggih bari pahili, kaliwat
memeh diteang, dienya-enya bet lain, dilain-lain bet enya, kahalangan ku babasan, kapindingan ku pipinding.
Naha ari kakasih kaciri memeh ngabukti, katara tacan wakcana? Ari kitu tea mah meureun ulah rek
ngabibisani, nya rasa moal sarua, kapan hijab teh halangan, batin kahalangan dohir. Nafsiyahna nu jadi dat,
kapindingan ku nafsiyah, nyaeta ku datna. aing. Ari sipat uluhiyah kapindingan ku sipat aing, ari asma uluhiyah
kapindingan ku asma aing; ari af'al uluhiyah kapindingan ku af'al aing. Anu matak nu sejen rasa tara manjangkeun
pikiran, moro anu teu kasusul; anu nyata bae heula, diubaran ku babasan: Dohirna elmu Ki Anu batinna mah elmu
Robbul'alamin; dohirna beunang Ki Anu batinna mah damelan Robbul'alamin. Lamun geus tibalik rasa, tangtuna
tibalik basa, basa sajeroning rasa, heula batin batan dohir; dohirna mah damelan Robbul'alamin, batinna jieun Ki
Mu, sabab hese mikir dohir batan batin.
Tapi enya teuinganan, kumaha teu rek kagembang narajang nu jongjon poho, asal kasieun manusa ku panorah
nu waspada, ku digjaya nu lalangka, datang idlafat syaitaniyah, lantaran nu wawuh jeung jin atawa sihir dedemit, nu
teu kadeuleu ku mata, beda jeung adat biasa.
Bijilna ieu carita ti jalma anu dipercaya jiga jalma seseliran, babaran rupa pandita. Jung ngajungjung
darajatna ku wisaya, panggelo ka nu paroho. Puguh geus nyata cirina, yen eta perbawa setan. Balukarna waspada
kana patangan, paranti buburuh nipu, waspada kana cilaka, paranti ngarah kiparat, waspada kana tatamba, paranti
ngarah pamulang. Kanyataan tara di jalma jatnika, kudu di jalma sangsara, nyatu sore henteu isuk, loba teuing
pasanggupan, itikurih kadohiran, beakeun teu samaneheun. Da lamun lain setan mah, hidayat kapangeranan sunat
batur, maneh heula, ngaririkip kawalian, moal bet ceuli lentaheun, moal bet nyiru rombengeun. Kitu soteh ditipu
ku kawawuhan, dilinglap ku kasobatan. Ngarah cilaka sorangan, mawa-mawa nu percaya, mihape kamanusaan,
jalma ngandel ka jelema, disipuh ku kasantrian. Moal setan mah nandang sorangan, moal hade jin mah
ngajungkiring sorangan; mending nyieun jelema piwakileun, ngolo nu barodo, ngalejo nu parohona.
Nu inget mah moal beunang diwisaya, ingeteun papatah kolot: nya hirup ulah rayungan, nu ngora ulah
gembangan, ulah regas harupateun, ulah sok roh-
roh pondoheun, masing asak nya jeujeuhan, satengah jeung satengah, ulah kaburu ku napsu, hanjakal tara ti
heula. Nu dipatangankeun aherat kabengbat ku dunya keneh; anu disiar pangeran kagembang ku setan keneh; anu
dipambrih di batin pahili jeung dohir keneh; majar mapay jalan paeh sabab keur hirup keneh. Kari aing ngacacang
di rahmaniyah, ngadadar pangrasa nyawa. Enya pisan rahmaniyah kasampurnaan, sipatna kapangeranan, nu teu aya
wates wangenna, ngidul teu aya tungtungna, ngaler teu aya tungtungna, wetan teu aya tungtungna, kulon teu aya
tungtungna, luhur teu aya tungtungna, handap teu aya tungtungna, jeung sapangeusina kabeh, ulah rek dipilih kasih,
pagiranggirang tampian, papak timbang tarajuna!
Dohir lawanna jeung batin, batin lawanna jeung dohir; malaikat lawanna setan, setan lawanna malaikat; jasad
lawanna nyawa, nyawa lawanna jasad; sawarga lawan naraka, naraka lawanna sawarga; bagja lawanna cilaka,
cilaka lawanna bagja; untung lawanna rugi, rugi lawanna untung, ngeunah lawanna teu ngeunah, teu ngeunah
lawanna ngeunah. Papak rata nu boga henteu pilihan, gumelar ku iradatna, moal aya handeueulna. Beda soteh cek
nu poho, nyebut hade nyebut goreng, nyebut ngeunah jeung teu ngeunah, ngawula ka pangabetah, tabeatna
basyariyah. Tatapi sakitu deui moal hade kajongjonan, moal itu tinggal ieu; diburu itu bet lain, diburu ieu bet lain,
da sipat uluhiyah mah disusul taya tungtungna, diteang taya anggeusna, leuwih suni batan suni, leuwih lita batan
lita, jeung muntir taya mimitina, pulang-anting teu tungtungan. Buktina aing keur leutik, nu matak sieun ku bapa,
sieun ku sapa-herangna. Bapa nyaah ka anak, sugan aya pangbalikan, indung nyaah ka anak, sugan aya
pangbalikan; indung nyaaheun ka anak, ingeteun keur ngaheujeunkeun. Ibadah ku sabab ngandel, ganjaran sabab
ibadah; ngandel pangirim ti ditu lantaran daek ibadah. Nu matak suhud ku ngandel, nu matak hayang ku suhud, nu
matak wawuh ku sono, nu matak dalit ku rapih, nu matak dikawulakeun sieun jadi kabengkahan; nu matak peuting
ku beurang, nu matak beurang ku peuting, nu matak panas ku this, nu matak this ku panas ; aya ngeunah ku teu
ngeunah, aya teu ngeunah ku ngeunah.
Ulah ka katuhu wungkul, matak kenca teu Allahan!
Ulah moro kenca wungkul, matak katuhu teu Allahan!
Nu matak nu lalayaran ngan aluan jeung kamudi, ka katuhu matak kalebuh, ka kenca matak ku karang; aluan
pangjurung bujur, kamudi nurut aluan; aluan paranti wushul, kamudi paranti malik.
Top! Ti mana mimitina? Mana panganggeusanana?
Lain suluk nunggu umur, diembung-embung da kudu; lain nanyakeun astana, da aya nu inya. Kudu suluk
ngarah wushul, mapay-mapay undak rasa, sagara taya sisian, kajembaran rahmaniyah. Nu matak jadi panglandi,
kana pangkat Rosululloh, rahmat ka sakabeh alam, pasihan ka kapangeranan.
Heug deudeuh geura awaskeun! Top kawung ngarah lahangna; top tiwu ngarah gulana; top batu ngarah intenna; top
tarum ngarah nilana; top nyiruan ngarah maduna, top elmu ngarah rasana; top amal ngarah langgengna.
Sing awas kana ilat-ilat! Ngarah timbang-tarajuna, lalayaran ku padoman, hade kenca katuhuna!
Nyawa mapay cukang kawat, sing pageuh jeujeuhanana, awaskeun paesan jati, Sundana tekad anu nyata, tetenger ciri
astana, bisi salah nu ngembangna. Hartina cipta ku nyawa, tah lebah dieu jasadna, tah lebah dieu nyawana, rek miindung rek
mibapa, ngadukeun pacipta-cipta. Ulah kagembang ku beurang, bisi nyawa kaburitan;. ulah katungkul ku peuting, bisi nyawa
kabeurangan. Nu matak kudu waspada, heuleut beurang heuleut peuting, sing satengah jeung satengah, sing asak
jeujeuhanana, betah dina antarana; ti pungkur ku apis buntut, ti hareup kadali ranggah, sing rata sanggawedina, bisina rusuh
sandungan, bisina kuda jengjaran kejatan, Sundana asak jeujeuhan, ulah sok beurat sabeulah, khaof teuing, roja' teuing. Khaof
teuing sok kejatan, roja' teuing sok ngalunjak, rapet teuing sok kumaki, anggang teuing mokahaan.
Ulah sok betah ngatuhu, geus lila ngewa ka kenca!
Ulah sok betah di kenca, matak ngewa ka katuhu!
Ulah betah teuing ngeunah, matak ngewa ka teu ngeunah!
Ulah sok betah teu ngeunah, matak ngewa kana ngeunah!
Urang laut teu betah di daratan, urang darat teu betah di lautan.
Urang dayeuh teu betah di pikampungan, urang gunung teu betah di pidayeuhan.
Ulah sok embung ka darat, lumayan loba ulinna; ulah sok embung ka laut, lampar panyabaanana. Ulah sok
geuleuh ka dayeuh, di dayeuh loba deuleuna; ulah sok embung ka gunung, loba kauntunganana.
Dohir rapihkeun jeung dohir, batin rapihkeun jeung batin; jasad rapihkeun jeung jasad, nyawa rapihkeun jeung
nyawa; nu jadi kapangeranan rapihkeun jeung kaabdian, rapih ka dieu ka ditu, taya kabengkahanana. Pecak-pecak
heulaanan, memeh ka Allah, nu tujuh pake ka pada manusa, lamun enya hayang raket kahadean;
1. Boga rasa dina kasalahan, anu baris teu pipanujueun ti urang;
2. Boga rasa hutang kahadean ti dinya, sapanjangna;
3. Boga rasa sieun ku cuana anu baris pihandeueuleun atina;
4. Boga rasa mihapekeun awak, kumaha dinya pihadeeunana;
5. Boga rasa kumaha dinya, nyaah kumaha dinya;
6. Suka kana pametakeunana, moal enya metakeun ngarah cilaka;
7. Beresih ati teu ngenca ngatuhu, sir asih papaitna mamanisna.
Lamun gagal ieu, moal payu ka Pangeran, sabab ieu jimatna di ubudiyah. Sipat rahman jimatna di uluhiyah, moal
enya Allah kurang karunyana, manusa
ge moal salah panarimaan. Itu gunung ieu gunung, tuh tangkalna tuh buahna; itu laut ieu laut, tuh laukna tuh
heurapna.
Ulah ngewa ka katiga, bagian suka palika; lah sukingki ku ngijih, bagian suka nu tanl; ulah sungkan kumawula,
disuban ku dunungan; ulah sungkan jadi pangkat, dideudeul ku sahandapeun; ratu ge kudu abdian, abdi ge kudu ratuan;
Sundana: Agungna ratu murba wisesa ka abdi, ari kaabdian ratu, teu bisa ngajaga gaya, geretak ka nu leutikna; loba nu
salah kahayang. Ari kaabdian abdi, ngawula parentah ratu. Ari karatuan abdi, dipikabutuh ku ratu, ngarah kereta alamna,
ngarah jaya karatuanana. Agung disurung ku usum, ngarah kabawa ku mangsa. Aing keneh aing keneh. Tapi baheula
ruhiyat, diganti ngaran handalam, diganti ngaran ku orok, diganti ngaran ku bujang, diganti ngaran ku kolot,
panganggeusan aki-aki.
Baheula asal ma'ani balik deui ka ma'ani, meunang ngaran kumaha di pangumbaraan. Boga ngaran nu taya
bilanganana, buktina mah Allah keneh Allah keneh. Boga ngaran tetelahan ti sasama, buktina abdi keneh abdi keneh.
Ulah embung keur hirup diugung-ugung, sing wayahna keur katarajang nu ngahina; ulah embung hirup meunang gurat
kaya, aing wayahna ngalancangan nu naranya; Ngan rasa di kaabdian, di pangeunteungan ku rasa di ka-Allahan, henteu
beunang diwasiatkeun. Tulisan beunang dibaca, basa beunang diregepkeun, henteu matak pindah rasa, da rasa mah nu
tewewet ku maneh, samanehna samanehna, saaingna saaingna. Moal beunang papatungan, matak ilang kajembaran;
henteu meunang piligenti, matak leungit kamahian nu jadi kapangeranan. Pek geura seleketkeun! Ulah sereg di buana!
Atuh ari kitu mah kapangkatan ubudiyah teh, adep-adepan jeung uluhiyah, tapi moal aya kenca-katuhuna, moal aya
luhur handapna, puguh da ngaranna ge balik ka nuthfah ghaibah. Na di mana aya nur hareup tukangan? Caangna
(sorotna) caang sawareh aya congo puhuna mah, lain buktina cahaya. Aya atoh poek surem, cek ati nu samagaha, lain
surem cahayana, Ngabuktikeun rahmaniyah, anu surem serabeun ku cahaya terang, anu terang siloeun ku cahaya surem;
anu handap moro kalangkang nu jangkung, anu caang nyumput moro ka nu poek. Anu matak dibalik-belah, ari nyumput
ti Allah kudu ti beurang, ari caang ka Allah kudu ti peuting. Ari beunta sok loba halanganana, ari peureum sok saeutik
halanganana. Caangna henteu sacaang, poekna henteu sapoek. Ari elmu nu kudu dihuru-buru, tapi lain nu jadi lulugu
ngaliru; alus soteh mun jadi samara rasa. Kapan nu ngarasa purba wisesa, lamun lain ku Allah teh pamusrikan. Najan
nyaho taya deui nu kawasa salian ti Gusti Allah, tapi tacan ngarasa anu jeung yakinna, pageuh keneh kana dohir batan
batin.
Aeh-aeh! Pek lembutan pancakaki ti mimiti. Aing boga baps napsu, anu nyarek mikiran anu suni-suni, sumawon
cul dohir moro batin, cul dunya moro aherat, cul nu nyata moro Allah. Aing boga indung asal tabeat kamanusaan, anu
nyarek mikiran nu lain-lain, nyulayaan kana wawatek sorangan. Tapi aing
heubeul nuturut ti indung ti bapa, mimiti nyaho di rasa: dohir jasad, batin nyawa. Sakitu ge diajar alip-alipan.
Enyana mah dohir teh anu kapanggih, anu badag jasmani ku pancadria, anu lembut ku nyawa beunang ma'ani,
papak rata j asad nyawa pada dohir, anu batin acina rasaning hirup, jasad nyawa rohulkudusna sarua. Tah nya eta
anu jadi kapangeranan, rohna jasad, rohna nyawa. Nu gaib teh anu nyata dibungkus ku duanana, ngan bituna nyata
ku rasaning rasa, panarimaning panarima. Moal aya gumelar mun taya eta, moal bukti ma'ani taya eta; Tah ku eta
walatra ka sarerea. Tah nya eta nyata kauluhiyahan; nu disangka ku rasa kauluhiyahan, karek aya ser ka ditu ser ka
dieu, hiji keneh hiji keneh, karek pantes nu rumasa wujud sahiji, nyaho wujudna mutlakan, tohid yakin teu rimbitan,
teu tolih ka nu lain-lain. Karek enya papisah jeung indung-bapa, tatapi ulah kaliwat, buruk-buruk papan jati, indung-
bapa pulasara ku nu henteu matak rugi. Nya buktina badan tiris haruduman, tapi this entas ngawajiban, nya buktina
beuteung halabhab inuman, tapi eukeur panas migawe nu wenang-wenang; nya buktina beuteung lapar didaharan,
ngarah kuat milampah parentah Allah; nya buktina karerab seuneu singkahan, nya buktina katebak cai singkahan,
nya buktina tunduh geuwat sarean, ngarah cekas ibadah ulah jeung gundam; nya buktina deuleueun kudu dideuleu,
ngarah inget ka nu ngadamel asalna, tapi inget ku ati lain babasan, ngarah duriat di kagaiban, lain basa panipu
papatah setan, ngarah rapih jeung nu nyangka kawalian.
Geura pecak istighna reujeung iftiqor ka jelema, montong rusuh ka Pange ran. Ulah butuh ku nu aya di
manusa, ku sipatna pangkat dina kaabdian, kaapesan dina kaubudiyahan, moal pageuh lamun ku aing dipuntangan.
Nya iftiqor dina kasipatanana uluhiyah, ma'ani aya di itu, rahmaniyah gumelar tina atina, rububiyah nu gumelar ti
dinya; narimakeun bisi kaliwat nu nyata, ngarep-ngarep rahmat pasihan Pangeran, marukankeun lain nu keur
ditandangan. Geura, baretah moal sok puyang-payengan ku manusa, dipisono nyolowedor, dihalangan purbana
kapangeranan, jadi ati ngarasula sapanjangna, bongan salah, yakin lain ka milikna sorangan. Uluhiyah nya eta di
kaunggulan, ubudiyah nya eta di kaapesan.
Montong rusuh neangan nu bangga-bangga, pake heula ku aing ka sasama. Aing paeh eleh ku nu keur nyawaan,
aing eleh keur embung ku nu daekeun, aing eleh teu bisa ku nu bisaeun, aing eleh teu ngadenge ku nu ngadenge, aing
eleh teu nenjo ku nu keur nenjo, aing eleh teu ngomong ku nu keur ngomong, aing eleh keur poho ku nu ingeteun,
aing eleh teu nyaho ku nu nyahoeun, aing eleh pikarepeun teu ngajadi ku nu ngajadi pakarepanana, aing eleh digawe
henteu ngajadi ku nu boga pagawean jadi, aing eleh nya ucap henteu digugu ku nu ucapna bari digugu. Ulah poho ieu
titipan Pangeran, henteu pilih ka saha-sahana, najan lain jelema oge barogaeun kaunggulan titipan kapangeranan.
Panas aing eleh ku keur katiisan, tiffs aing eleh keur kapanasan, baseuh aing eleh keur katuhuran, tuhur aing eleh keur
kabaseuhan. Salawasna nya ngangkeuh di kaapesan, salawasna nya sieun ku kaluhuran. Nu matak jadi babasan
harga mah kumaha barangna. Top geura nyata buktina, anu mahal hargana kapangeranan. Na di mana nu
muruhkeun ka babatang? Na di mana aya buruh kabodoan? Na di mana aya buruhan (ka)ngedulan? Na di mana
aya nu torek kuli ngadenge? Na di mana aya nu lolong buburuh nenjo? Na di mana aya nu pireu kuli nyarita? Na di
mana bangke ngungkulan nu hirup? Na di mana nu limpeuran ngungkulan nu panjang ingetan? Na di mana nu
ngedul ngungkulan nu getol? Na di mana nu teu bisa ngungkulan nu bisa? Na di mana nu torek ngungkulan nu
ngadenge? Na di mana nu lolong ngungkulan nu awas? Na di mana nu pireu ngungkulan nu capetang?
Ieu tempat nganggap di kaiftiqoran sabalikna anggapan kaistighnaan, moal pisah di angkeuh dikudu-kudu,
kaluhuran aya di anu di anu. Matak aya uluhiyah boga tempat, matak aya uluhiyah boga mangsa; matak aya
ubudiyah kajongjonan, ngaku boga sampurna kapangeranan, boga ngeunah meneran kahayangna, henteu ngeunah
sulaya jeung kahayangna. Pek tungtungkeun heubeul teuing sisindiran. Dat sahiji, sipat sahiji, asma sahiji, barang
mohal nyorang kaapesanana. Apes soteh nu ku maung, cek manehna, na ku naon hayang pipaeheunana. Jaya soteh
maung ari keur meunang, cek manehna, marukan teu kakapeungan. Jadi bukti unggal apes cek babasan,
dilayeutkeun nurutkeun ka rarasaan pusaka ti indung bapa. Cek babasan kudu ka bala ka bale, ka bala di karoja'an,
ka bale di kakhaofan; ka bala di kafarkian, ka bale di kajam'ian; ka bala di kabasthohan, ka bale di kakobdlohan; ka
bala di kabaqaan, ka bale di kafanaaan; ka bala di katanazulan, ka bale dikataraqian; ka bala di kaabdian, ka bale di
kauluhiyahan; ka bala di kaduaan; ka bale di katunggalan; ka bala eukeur ti beurang, ka bale eukeur ti peuting; ka
bala eukeur doraka, ka bale eukeur ngabakti; ka bala eukeur nyorangan, ka bale keur masamoan; ka bala keur
partikulir, ka bale keur kadinesan; ka bala eukeur mareman, ka bale eukeur kajenengan; ka bala jauh dunungan, ka
bale eukeur ngadeuheusan; ka bala keur selang-selang, ka bale keur dina gawe; ka bala keur kasenangan, ka bale
keur kasusahan; ka bala keur ka dunya, ka bale keur ka aherat; ka bala eukeur dohir, ka bale eukeur batin.
Anu matak montong balaan-balean, gagatan-geugeutan, geugeuhan di kageugeutan. Deukeut nineung anggang
nineung; taya geusan mapalerkeun. Paribasa: ngalantung turut lulurung, na di mana aya pitungtungeunana? Panyana
teh nu panjang pikiranana nu ingeteun kana pibenereunana, sihoreng teh nu panjang pikiranana nu cabakan poho
pisalaheunana. Baheula mah ubar-ubaran teu bangga, rieut hulu cageurna ku dangdaunan, nyeri mata ubarna ku
peupeureuhan, nu muriang cageurna ku popokoan, jiga pisan ubarna sakeuna-keuna. Mun meneran muriang kana
piubareunana, nu dipambrih cageur keneh cageur keneh. Lamunna eukeur nyalahan, lain piubareunana, tungtungna
paeh keneh paeh keneh. Nu pohara nyiar kahirupan nu dipambrih nyatu keneh nyatu keneh. Nu sangsara nyiar jalan
kapinteran nu dipambrih payu keneh payu keneh.
Sihoreng teh pambrihan taya tangkalna, lamun poho muntang kana kalakayna. Paribasa lir jampe dening pamake,
hartina teh jampe ge kudu jeung hate, lamun caang moal narajang nyalahan, bet muntangan lain kauluhiyahan. Nu
buktina deukeut lamun teu kadeuleueun, nu nyatana kaliwat mun teu karasa, nyaeta tea tungtung laku. Nu dijugjug sugih
mukti, nyatu keneh nyatu keneh; gering, cageur keneh cageur keneh; mulya hina, paeh keneh paeh keneh; pinter bodo
inget keneh inget keneh, Anu matak nu poho panjang pikiran, marukankeun aya piubareunana: Sugan henteu ku ieu ku
ieu piubareun halangan ka pipaeheun. Geus bubuhan batin kahalangan dohir, supaya jadi kahalangan ku kadohiran;
paribasa kudu guru ka sare'at nyaeta tea engke batin, dohir heula. Mun enya oge batin heula memeh dohir, geuning masih
nyatu kejo nginum cai. Meureun bae pohoeun kana babasan urang hirup pada ngadukeun jajaten, basa Jawa: jaten
jinaten, hartina ngadu jati pada jati, Sundana_ teh: ngadu enya pada enya; Sundana teh: ngadukeun asal jeung asal;
buktina teh tara heran ku jadina.
Lamun enya beuratna rasa ka batin, moal enya dohir ngahalangan batin. Moal enya kabongroy ku leuit gede lamun
nyaho di jero taya eusina. Moal enya embung bungkus daun waru lamun nyaho eusina inten berlian. Anu matak dohir jadi
bungkus batin, henteu umum, bungkus sarua jeung eusi, sakitu teh dohir dibungkus dohir, dunya dibungkus dunya. Geura
pecak aherat bungkusan dunya, sare'at bungkusan hakekat. Sumawon aherat bungkus 'aherat, kapan nyata teu percaya
mungkusan ngandel, ngandel mungkusan hayang, hayang mungkusan nyaho, nyaho mungkusan kawawuh, wawuh
mungkusan kasono, sono mungkusan dalitna. Tujuh lapis tepi ka mustikana. Minyak dibungkus cipati, cipati dibungkus
hampas, hampas dibungkusan batok, batok dibungkusan tapas, tapas dibungkusan kulit, kulit dibungkusan sintung. Tujuh
lapis bungkusan minyak kalapa. Gula dibungkusan wedang, wedang dibungkusan lahang, lahang dibungkusan leungeun,
leungeun dibungkusan ruyung, ruyung dibungkusan dapur, dapur dibungkusan akar, lumayan soteh ku caruluk, keur dina
kongkoak keneh, inget ku amis lahangna, inget ku amis gulana, inget ngeunah cangkalengna, inget kana harupatna,
lumayan keur pikalameun. Karek nyata rasa teu pasalingsingan, lamun panceg tina asal haregana, nyaeta tea ngadukeun jati
jeung jati pada jati, bisa ngadeg korsi-meja. Lamun enya ngadu teuas pada teuas; moal enya beunang direka dangdanan,
meureun pada hayang jadi Pangagungna, balukarna taya pitihangeunana. Mana layeut nyatu kejo nginum cai, mulasara
pusaka ti indung bapa; mana layeut ngawulakeun sare'at, bisi jadi minyak teu aya kalapaan, balukarna hakekat
kataranjangan. Anu matak jajaten jeroning rasa, balukarna rasa dibungkusan tata, anu matak rasa taya tatana. Meureun amis
gula eukeur di akar keneh, meureun seungit minyak keur di kitri keneh, meureun tepa rasa batin kana tata, perbawa ma'ani
jatining rasa, meureun mata moal beunang dihalangan, meureun ceuli moal beunang dijauhan. Mun enya oge jatining
rasaning jati, moal ribrib ku rasa kapusakaan. Perbawa bungbu kurang
meujeuhna, sok kaliwat rasa sahiji-hijina. Mun gede teuing konengna, matak disarebut keutar,lamun loba teuing
uyahna, matak disarebut pangset, lamun loba teuing cai, matak disarebut cubar-caber. Kitu, eta buktina nu kurang akal,
selang surup asal nyambarakeunana. Majarkeun elmu rasiah digelarkeun tapi haruwas-harewos marukankeun rasiah ku
harusna, puguh sieun katungtik piriwinci. Balukarna mindingan beungeut ku saweuy, asa buni, puguh kalong
kabeurangan, aing lolong marukan batur nya kitu. Sok ngael-el, maraneh teu cara aing, da aing mah geus meunang elmu
sampurna, singhoreng teh sampurna taya bandingna, ku bawaning taya pibatureunana, mandalungan teu ka dieu teu ka.
ditu. Ngarah rapih bohong ka sakurilingna, marukankeun sasarna teu kanyaraboan, ragrag tina hakekat Muhammadiyah.
Muhammadiyah nyatana dat ahadiyat, lalampahan sare'at keur samanehna, sakarepna, ayeuna nyataning aing, aing
milampah sasuka-suka, ruh idofi ruhulkudus, kanyataan dina lebah unggal nu gumelar di dunya. Na keur naon susah
ngaruksak kangeunah, ngan jangjina ieu padika masing eling, tapi lah nyebut eling, karana pantanganana.
Dina alam ahadiyat lamun eling matak gumelar wahidiyat, atuh pasalingsinganana jeung rasa, ngagelarkeun lain
usumna; Kahayangna ulah waka ngagelarkeun sipat af'al, matak kabawah parentah ku nu miheulaan, cara umat
Rosululloh, pamalikeun kudu getol salawat sidekah, ngarah undak darajat awak sorangan. Cul ka Allah Rosululloh geus
baheula, ayeuna mah nyatana awak sorangan, panaekanana warna. Aya nu nyileuk nangkarak, samangsa geus aya nu
ngalangkang,,sapangadeg sorangan lebah manehna, nyaeta buktina roh idofi, nyukma kana raga maneh. Aya nu maca
salawat, tapi ulah make Rosululloh, madep kana panon poe, samangsa aya nu turun ninggang kana raga maneh, nya eta
roh idofi; nyukma kana raga maneh. Aya nu mencet kana sorangan, samangsa aya nu ngagulimeng bunder, beureum lain
hideung lain, hejo lain, lamun geus aya nu ngagulimeng bodas, cara ibun sakeclak, nyaeta nuthfah ghaibah roh idofi,
nyukma kana raga maneh. Aya nu mepet napas, tepi ka katuralengan, lar nu bodas sadedegan jeung sorangan, nyaeta
rupana roh idofi, nyukma ka sorangan.
Ieu kabeh ku aing dipikir-pikir, malah geus ditatanyakeun kitu dikumahakeun, naon karepna, naon kageuleuhna,
naon parentahna, naon laranganana? Lamun hade naon buktina, kumaha prakna, nu goreng kumaha buktina, kumaha
prakna. Lamun beja ti manusa saha andeleun lian ti ulama-ulama sare'at, tina Qur'an nyaeta candak Rosululloh. Lamun
nyukma itu, ari nyata dzatullah mana kabisana, kanyahona, pangawasana, pikeun ngadegkeun deui alam, jeung kumaha
tekad ka nu mulya, rek mere ulah beunang menta, rek menta nu di batur; kumaha itu naon pikasieuneunana. Lamun beja
ulah ti manusa naon paedahna, agung henteu matak era, mulya henteu matak sieun; mun taya rasana, mun paparentah,
saha parentaheunana?
Balukarna ieu elmu kudu susah ngadegkeun sare'at, sangeunahna sangeunahna, kumaha pamilihna, montong susah
sare'at itu; itu geus nyukma di maneh, malaikat pada boga Qur'an pada boga. Tatapi aya pantangna: 1. nyebut eling, ka-2
nambahan lapad Muhammad, ka-3 loba carita, ka-4 resep kana impian nu sok disarebut ilham; ka-5 gitik rata taya hade
taya goreng cek aherat, aya hade goreng cek di dunya. Anu matak ulah beurat, taya banda kinasihan mun dipikahayang
batur. Kahakanan taya haram, taya halal, beuki hakan, henteu montong. Hartina sara teh nagara, sawarga, Qur'an ukuran
laku, naraka lampah cilaka, cilaka di dunya keneh, sawarga sagala jaga, pikageuleuheun sasama, sakabeh bijil ti alif,
mencar sagala gumelar; alif lali ka ma'ani, gumelar lain ku rasa.
Rep disirep jempling tibra sasarean, moal beunang digandengan, ngalilir kuriak gundam, beunang ngerid ti
leuleutik, jangjang walettujuh pasir, sing poho ka pamangkatan. Ulah kairid ku iblis, ulah kajurung ku napsu, lah kabawa
ku setan, geus asup kana bunuhan, tibra sakitan limpeuran, beunang ku diganti ngaran, Agungna ku lalamunan, mulya di
jero impian, umaku aing dzatullah; dasar Allah mah kajeunan, perbawaning setan, kagembang ku ngaran. Kari aing balik
kana rububiyah gumelar ti budak keneh. Brak ngacabrak ngedalkeun di kaabdian, nya rumasa kaapesan kalindih ku
kaunggulan, apes ku kauluhiyahan. Supaya repeh nya hate, ulah salah panarima, ngawula ka paribasa nu ngora kudu
koloteun, euih-euih ti leuleutik. Sundana: panjang ingetan, ulah lali ka wiwitan, tamba meunang ngarasula. Mimiti aing
keur leutik, wungkul dina kaapesan, lamun taya indung-bapa lawang kauluhiyahan, rububiyah, rahmaniyah, Aing
leumpang kakara tetenggelengan ditungtun-tungtun ku indung. Rasa indung dicaritakeun ku peta. Panas seuneu anggeus
ku panyarek bae, bisi ragrag anggeus ku kade-kade bae. Nyingsieunan ku nu teu matak cilaka, panggedena jurig atawa
bungaok. Nu dipambrih aing aya kasieunna. Awak kotor dimandian diruruan. Ceurik oge dieyong dibebenjokeun.
Rahmaniyah ngandelkeun rububiyahna. Tiris haneut ngabuktikeun kanyaahna. Beuki lila beuki ngencar ka pangulinan,
henteu kaur balas jeung disingsieunan. Ari bapa getas harupateun, kanyaahna ngarah ngeunah pagegedeanana. Geus
macakal ngencar ti indung ti bapa, salawasna ngadagangkeun kaapesan, sugan payu ngiuhan kauluhiyahan. Cul ti bapa
nyalindung ka guru-guru, ka sasama ngabanding-banding ma'ani, salawasna ngagelarkeun kakurangan, diaubkeun
handapeun kasampurnaan. Nya buktina panemu nyiar panemu, pangawasa ngalap kana pangawasa, Moal enya. lamun
mawa kasampurnaan, daek ingkah nguar-nguar kaapesan. Saha nu disurupan kauluhiyahan, aing nande lebah dina
pilebereunana. Hirup ngindung ka nu hirup, panemu ngindung ka elmu, karep ngindung ka daek, kabisa kana kabisa,
pangdenge kana pangdenge, paningal kana paningal, babasan ka nu capetang, dipiagung dipipunjung, teu nyaho aya di
saha-saha; harga lain di wadahna, sampurna nu diwadahan, Naon gawena nyiruan lamun teu ngarah maduna ge mulyana
ku ma'anina, sakti keur kacicingan, ana kosong taya pihargaeunana.
Ari aing keur narajang katiwasan, indung bapa ceurik teu bisa nulungan. Ari aing keur nyorang lara palangan,
indung bapa teu bisa nyageurkeun inya. Ari leuwih aing ti asal pusaka, betah teuing ngarasula, keur dilaan rububiyah,
nutupan di kacukupan. Top diaku nyeri ari balik deui, bongan saha ngeunah teuing ku injeuman. Top diala ngarumas
diceungceurikan, anu matak ngeunahteu ngeunah ku rasa deui, ngarasula bongan poho ka wiwitan, Baranghakan asalna
tamba teu nangan, ditambahan ku sagala kangeunahan; ari eureun teu meunang tamba teu nangan. Baju samping tamba
ditaranjang, ditambahan dialusan, dirangkepan, ari kurang nyari lain ku mistina, asalna ge bonganna dipapaesan, bet
ngarumas pedah runtag papaesna, teu .rumasa asal ge awak buligir, teu rumasa asal ge taya ma'ani. Ari balik rumasa
ditaranjangan. Heubeul teuing betah ku barang injeuman; cara budak sagala rasa anuna, top dicokot ku kolot
diceungceurikan, masih peso hayang dicoo huntuna, erloji rek dipake palalidan, teu nyahoeun lain pihadeeunana. Anu
matak piwuruk taya welehna, kudu sabar tawekal meunang musibat, musibat mah dipindahkeun ti asalna. Nu balik mah
lain katerap musibat, turun unggah taya pisabareunana. Rububiyah titipan ti kaluhuran, ubudiyah banda asal ti baheula.
Dat sahiji aya wadah aya eusi. Ubudiyah wadah kauluhiyahan, anu matak runtag anak runtag bapa. Rububiyah mustika
taya wadahna. Pek teangan sampurna aing ti mana, indung bapa lain wadah-wadah acan, da buktina nu teu indung
henteu bapa brag gumelar jeung kasampurnaanana. Tumpak kuda nambal kacapean aing, ditumpakan ngabagikeun
kakuatan_ Guru aing nambal kabodoan aing, ngawurukan malajarkeun panimuna. Beja batur nambal kana awas aing,
bebejana ngabagikeun pangdeuleuna. Geus jagjag waringkas aing sawawa, tinggal nyiar jalan ka rububiyah, taya deui
nu maraban ngan ma'ani, diadukeun ma'ani pada ma'ani. Eukeur unggul aing ngaran panumpangna, kuli nanggung
meunang panumpang tanaga anu embungeun sok meuli kadaek aing, nu teu bisa sok meuli kabisa aing, nu teu nyaho
sok meuli kanyaho aing. Panglembutna' aing ngadukeun mahabbah, lamun unggul ti ditu jeung lalab rumbah.
Rububiyah ti ditu ku pameulina, rububiyah ti aing ku ma'anina. Ubudiyah ti ditu ku kabutuhna, ubudiyah ti aing nampa
ladangna. Moal enya nu muruhkeun daek rugi, najan bisa lamun daek ku sorangan. Moal enya aing dirububiyahan,
lamun henteu ngawula ka parentahna. Ubah-ubah keur maraban pusaka, sili kirim dikaulakeun ku rasa,
top teangan di mana uluhiyahna? Ngarah enya ma'nana alhamdulillahi, ngarah
enya ma'nana inna lillahi, ngarah enya ma'nana attahiyatul lillahi, ngarah enya ma'nana la haula wa la quwata,
ngarah enya ma'nana subhänallahi Kadatangan sok maca alhamdulillah, kaunduran sok maca inna lillahi. Teu kajaga
puguh undur sina datang, puguh datang bari undur, rugi untung babarengan. Ngajual hlna jeung mulya, ladangna
hina jeung mulya, mulyana ngajual ma'ani, hinana kurang ma'ani, mulyana meulikeun ma'ani, hina nukeuran ma'ani.
Top teangan di mana uluhiyahna?
Puguh nyata alah batan anu nyata. Uluhiyah paribasa geus kaliwat. Di teangan nepi ka maqomi'l qurbah,
marukankeun can kaliwat: Ti baheula uluhiyah babasan tajma u dliddain, kaunggulan kaapesan di sahiji. Top indung
aya unggulna, top indung aya apesna. Top bapa aya unggulna, top bapa aya apesna. Top guru aya unggulna, top guru
aya apesna; teu bisa nyieun calakan nanggung elmu mangpaat. Top kuda aya unggulna, top kuda aya apesna..
Datna Allah nyata dina duanana. Rosululloh gumelar ku duanana: Waliyulloh ngagolang di duanana., Hahdap
luhur kumaha ti tajalina. Ambiya ge pangkatna luhur-handapan, kapangkatan kauluhiyahanana; kaabdian nyembahna
ka ma'anina, ku rasana; nyembah lain ku babasan, Sundana teh: nyembah ku tarima eleh, panarima nyata kauluhiyahan.
Mu handap nyata kajalaliyahan, anu luhur nyata kajamaliyahan, Top rasakeun bisi majar nyapirakeun. Ka luhur
beunang tapakur, ka handap beunang ku rasa:
Ulah salah panarima, matak teu boga kaera. Nu hina tarima hina, buktina gede tarima. Nu mulya jembar ku welas,
buktina jembar ku sembah, lain nyembah ku sembahyang, eta mah ngagambar asal. Lain nyembah ku ka haji, eta mah
ngajajah lampah. Lain nyembah ku puasa, eta mah ngawarah asal. Nya nyembah ku panarima, benerna ku kabeneran,
salahna ku pamusrikan. Leuheung sembah anggahota, diusuman ditempatan, orokaya sembah nyawa, teu usuman teu
tempatan. Ngalawan nu taya usum ka nu taya usum deui, ngalawan nu taya tempat ka nu taya tempat deui. Teu pilih di
makom mana, samakomna samakomna. Teu pilih di waktu mana, sawaktuna sawaktuna. Beuneur hapa kumaha di
pakayana. Teu beunang ku musim ngijih, ngijih ge rajeun ku hama. Teu beunang sabab katiga, katiga rajeun waluya.
Kudu pikir cara tani, top bibitna top buahna, dilanglang sapapanjangna, top suungna top supana. Ulah wungkul tukuh
laku, ngarambet ngarah ecengna, jaba nu jadi bakuna, ngopepang sapapanjangna. Top mana iman ku basa, iman mah
kudu ku rasa, nu matak teu papak rata, saimanna-saimanna; sarasana-sarasana. Kapan geus jadi babasan papatah kolot
baheula: Ulah ngimankeun ka kejo, teu pedah ari teu ponyo; ulah ngimankeun ka cai, teu pedah ari keur teu halabhab,
ulah ngimankeun ka duit, teu pedah ari teu laku; ulah iman ka jelema, jelema mah rajeun papisah; ulah ngimankeun
darajat, darajat rajeun dipenta; ulah ngimankeun ka banda, teu jadi panulak baya; ulah ngimankeun ka sobat, sobat mah
aya bosenna; ulah ngimankeun ka ngeunah, teu ngeunah datang teu: ngeunah; ulah ngimankeun umur, umur mah aya
tungtungna; ulah ngimankeun ka elmu, elmu mah rajeun ku poho.
Majarkeun jadi lantaran, puguh tibalik basana, bet teu umum eusi lantaran ti bungkus, aya soteh bungkus lantaran
ti eusi. Nelah soteh coet lantaran sok nyambel, nelah soteh lisung lantaran sok nutu. Nu matak aya bulu, sakitan ku aya
kulit; anu matak aya kulit, sakitan keur bungkus daging; anu matak aya daging, sakitan keur bungkus getih; anu matak
aya getih, sakitan keur nyebor urat, nyangcang tulang; anu matak aya tulang, sakitan wadah sungsuam; anu matak aya
sungsuam, eukeur wadah nyawa. Ana tembus nyawa tepi ka buluna, majar maneh bulu sabab kulit; majar maneh kulit
jadi sabab daging; majar maneh daging sabab getih; majar maneh getih jadi sabab urat; majar maneh urat jadi
sabab.tulang; majar maneh tulang jadi sabab sungsuam; majar maneh sungsuam jadi sabab nyawa. Naha poho loba
kulit teu buluan, loba daging teu kulitan, loba getih teu dagingan, loba urat teu getihan, loba tulang teu uratan, loba
sungsuam teu tulangan, loba nyawa teu sungsuaman, loba nyawa teu jasadan, tacan manggih jasad teu nyawaan?
Sakitu teh lantaran rasa nyalahan.
Wah! Bulu soteh bulu jagat, kulit soteh nyata bumi, getih soteh nyata cai, urat soteh nyata khourat, timuna ku tukang
hukuma, disarebut natuurkunde. Tulang soteh nyata batu, sungsuam soteh nyata, eusi, nyawa soteh nyata hurip, ana tembus
matak gumelar ku nyawa, anu matak aya gawena, gumelarkapangeranan, rasakeuneun ku manusa, manusa nu boga rasa,
nampa kauluhiyahan.
Wah! getih soteh nyata napsu, nu matak jadi babasan, ambek nyedek ngabeureuman, lamun eling getih jadi kahuripan,
kulit teh nyata amarah, daging nyatana sawiyah, tulang nyatana lawamah. Nu matak jadi babasan: Budak boros ngora keur
buta tulang buta daging, parung dirarud catang dirumpak, hartina atah jeujeuhan, lain umur geus usum boga ingetan.
Sungsuam panggonan mutmainah, nu matak geus jadi basa: kangeunah mani nyungsuam, teu ngeuna hmani nyungsuam,
Bungkus-bungkus ngacabrak ngomongkeun, atuh bungkus mah paranti ngahalangan mata, na saha anu ngorehan? Da rasa
mah tara beunang dihalangan, geuning bukti barang murah, kumaha rasa nu boga: Cek saliwat pangmahalna, cicingna
pangluhurna, kurang .kumaha mahalna pancadria nu lima, tapi murahna ku rasa, (tapi) aing tacan manggih nu rumasa mahal
mata, dibungkus dipusti-pusti, teu dipake gudar-gedor kana naon nu katenjo; mun mahal ge moal boga sarerea. Kitu deui
ceuli, pangambeu, pangrasa. Taya deui nu mepeling, ngan kiyai jeung paraji, ulah sadeuleu-deuleuna, ulah sadenge-dengena.
Nu larang mah karasa ku sarerea, dituruban dibungkusan, ulah kadeuleu ku deungeun, henteu tolih goreng ngaranna,
ngaranna ge margahina, palawangan nu harina; mahalna ku pangrasana, meneran jadi lantaran, ngagelarkeun kamulyaan;
hina oge larangan di rasiahna teu pilih naon rupana. Nu nyaho di rasiahna, taya nu diparebutkeun, taya nu dipaseakeun, taya
nu diingetkeun, kajaba tumpah darahna, dirasakeun ku rasa kapangeranan. Cacak lebah Rosululloh, dibuburak ti Mekah,
tuluy angkat kaMadinah, jalan mipir-mipirbasisir. Barang satengahing jalan, manggih jalan gede nu lur-lar liwat ka Madinah,
ngedap manahna, burial murubut cisocana, ngahelas emut ka Mekah, kana bali ngajadina. Tepi ka diupahan ku Jabrail, bari
mawa ayat Qur'an, ditanggung yen kahoyongna sagala kasorang, mulih ka bali ngajadi, banjar karang pamulangan: Cacak
lebah
Nabi Daud geus kagungan 99 garwa, ngagurilap kagembang sereset manah ka garwa patih Urian.
Top rasakeun! Bisi pajar barang murah! Kauluhiyahan! Kalangkang jasad nya jagat, kalangkang nyawa nya rasa.
Wahdaniyat, dat, sipat reujeung af'alna; samemeh dirarangkenan, henteu aya ngarangkengan. Nu matak pada nyararek
nyembah ka kejo, bisi taya ponyona; nyembah ka cai bisi taya halabhabna, nyembah ngeunah bisi datang teu ngeunahna;
nyembah panas bisi datang tiisna; nyembah tiis bisi datang panasna; nyembah ka nu kaseundeuhan ma'ani bisi teu aya
buktina; nyembah ma'nawiyah, geus bukti lain pambriheun. Mun rek nyembah angguran ka Allah ta'ala, kapake ku saban
rasa. Beh ditueun Allah, wujud, memeh rasa, turun asma, sipat. Turun ka bijilna asma, sipat, tara ka lain Allahna, kari
rumasa nyembahna, disembah bari pambrih, nya asmana, sipatna keur ngajatnikakeun awak, barabat rasa sumembah,
sakitu pambrihanana, sedeng dina taya rumasa pambriheun, nu sakitu lat sirna ka. Gustian (cek nu taya pambrihan),
ringkiwik ka-Gustian, cek nu rumasa pambrihan, ku pambrihan, cek kalainanana, Allah keneh Allah keneh; aing dina sir
keneh, saha anu pipambriheunana, hear-hear jadi paesan rasa, bareng ngabukti jadi ma'ani. Gubrag orok, lumayan ngarah
bilangan, wiang-wiang pangabisa, deg ngadeg pambrihan, nyatu beuki maju, nginum beuki maju, jadi purah-purah, heg
nanyakeun. Aing teh Gusti cek nu gede pambrihan: Aing teh abdi cek nu taya pambrihan. Enyana mah lain abdi lain Gusti,
pambrih deui henteu deui. Dat mutlak taya ngaranna.
Lebah dieu sir piabdi pigusti, panceranana kamutlakan, merad di rasa kabeh. Deg bitu rasa rumasa aing cai sia cai, aing
taya pambrihan, sia lain pambriheun. Ragrag rasa, pambrih nyatu pambrih nginum, moal nyatu asal sia, moal nginum asal sia,
lain keur maraban inuman. Asal aing parab rasa nginum rasa, papanggih sabotna manggih, laksana sabot kasorang, lain asal
pusaka ti tadina. Nyembah geusan sabarabat rasa, kitu lain asal pusakana. Bulan, panonpoe henteu tulus disembah ku Sayidina
Ibrahim, sabab nyembah jeung pambrihan, tur owah gingsiran. Berhala henteu jadi sesembahan, sabab taya daya-upaya.
Sanajan mutlaking dat, taya kitu kieuna, atuh lain sakitu bae najan Allah oge, sumawonna jeung pambrihan. Sanajan
sembaheun, saha nu nyembahna, ari lain aya deui mah nu pinyembaheunana, nu lain Allah. Kudu soteh nyembah ka Allah
ta'ala bae, lamun aya keneh dina rumasaning nyembah. Sabab ngan eta nu taya owah gingsiran, najan jiga, tapi enyana mah
tetep keneh tetep keneh. Anu nyembah berhala diparoyok ku nu nyembah pambrihan, dikajeunkeun ku nu nyembah mutlak.
Manusa oge disarembah ku nu pambrih saliwatan; diparoyok ku nu nyembah kalanggengan.
Gusti anu lulus disarembah sanajan ku nu teu rumasa, seuri leutik pangmuhungna: Lah! Cek aing oge pasea parebut
sembaheun, bongan saha di alam sembah-sumembah, heg bae teu kaur sisirangan, sili aluskeun sorangan, hade aing
henteu batur, teu karasa panuding ka batur ngaco, manehna tudingeun.
Kumaha teu rek sill poyok, nu moyokna rarasaeun ku rasa pribadi, henteu ngaragangan rasa batur. Moyok nu
susungkur macul, manehna teu resep tani; moyok nu rohaka dagang, manehna teu resep balantik; moyok nu
susungkur sujud, manehna teu resep midunungan; moyok nu piaherateun, manehna ngageugeuh nu eukeur bae;
moyok nu sieun, manehna taya kaludeung; moyok ka nu mikaresep, manehna taya kageuleuh. Mun ingkeun bae,
puguh rumasaning dek nyembah ka saha? Bari nyembah teu karasa neangan, Gusti teh saha? Marukan aya
ngaranna jaba ti Allah ta'ala. Ngerid peuti ngaran nu sapopoena, pindah-pindah ngaran, luncat nya-nyembah ka
Allah ta'ala. Marukan lain nya eta, pingaraneun nu salawasna tea. Nu matak sembahna dua: sahiji sembah ka Allah,
sahiji nyembah ka lain. Tapi manehna teu nyahoeun da nyembah mah kudu ku sujud, lain ku gupar-gepor. Hayang
dibere ku nu pimereeun, dihampura ku nu pingahampuraeun, sieun ku nu murba wisesa. Cek rasa manehna kapurba
wisesa. Ingkeun boe da rasana keur kitu.
Nyembah ku henteu jeung rasana tara disebut sembah, sanajan taya rasana nyembah perbawa titah. Nyembah
perbawa rasa, rasa teu diwarah heula, tara kudu ti rasana, teu lumbrah disebut nyembah. Jiga nyembah ku pangrasa,
sabab titah wawarah, sembah rasa sarerea, sanajan teu nitah nyembah, nyembah titah sejen-sejen, sanajan henteu
rumasa, balukarna sembah ongkoh rasa ongkoh. Anu matak sembah henteu enya, rasa lain nyembah. Duanana Allah
keneh Allah keneh. Pangluhurna bari imut, tah kitu balukarna aya rasa henteu nyembah, aya Gusti teu migusti. Mun
cicing moal cerewed, puguh jigana mah nyembah sujud jiga nyembah. Keun bae jiga-jiga bae mah, da moal enya ku
jiga. Enya mah taya jigana, mun jiga, cek saha?
Sembah cek nu nyembahna, ku kitu jiga lain; cek nu ngababar pangrasa, barang hiji ngaran hiji, ditorah ku
sarerea, lamun bisa marabkeun sakabeukina; lamun salah nyeri pisan panyakitna. Ari rasa parabkeun ka rasa deui,
ari jasad parabkeun ka jasad deui, papaesna parabkeun ka papaesna. Top parabkeun, tangtu lulus kabeukina;
panarima jimatna kamanusan, ras cling huripna kasampurnaan. Bulu jagat asalna rarangken bumi, top parabkeun
papaes ka basariyahna. Top tabeat parabkeun ka tabeatna, lamun runtag meureun jeung anu beukina. Nyeri soteh
lamun rumasa raraga, bongan saha kumasep ku papaesna. Bulu jagat piparabeun bulu urang, kulit jagat piparabeun
kulit urang. Tangtu nyata karasa ku sarerea, awet mana dampal suku jeung tarumpah? Awet mana pakean jeung
kulitna? Gawena ge kembang paseungit-seungit, mun buah paamis-amis, !nun cabe palada-lada, tara dalit mun lain
jeung sasamana. Bulu jagat minyakna eukeur nyisiran, suluhna eukeur ngasakkeun, laukna eukeur deungeunna,
lalabna eukeur ngiuhan. Asalna ge bumi mah kudu buligir.
Asalna mah manusa teu baranghakan, lebah dieu kudu rumasa basariyah, ngajawab Alhamduiillah, lamun
runtag jawabna Inna lillahi. Kapan cek babasan
kolot: Ulah pisan nyiwit kulit mawa daging, ngeundeuk-ngeundeuk mawa eunyeuh. lngkeun bae eunyeuh
saeunyeuh-eunyeuhna, kulit sakulit-kulitna. Kanyeri teu sakanyeri, kangeunah teu sakangeunah. Kulit bumi
lawanna jeung kulit aing, lamun riduh meureun riduh, lamun angar meureun angar, perbawa basariyahna; anu
riduh dikoredan, anu angar diadegan, nu dipambrih ngarah mahal haregana. Perbawa ti kulit aing panarima
basariyahna, kulit kotor diruruan, buuk panjang diluisan, perbawa sugan katenjo ku nu poho, nu inget mah
nyawana kamanusaan. Kulit jagat dibeberes, dirarata, anu riduh dipelakan, tampian diberesan diberesihan, keur
maraban kulitna kamanusaan, cai herang pangwuluan, pangadusan, diadegan pangsalatan, pangajian. Bisi salah
kulit narimakeun inya, kulit aing ngajawab: "Alhamdulillah". Pancuran milik sorangan, salat di tempat sorangan,
sacukupna, moal hayang dilegaan, tah nyawa kamanusaan. Bulu ditarima bulu, kulit ditarima kulit, anu matak
moal menta leuleuwihan, sieun teu katarimakeun. Daging jagat parab dagingna manusa, moal lintuh mun daging
jagat teu payu. Boga beas duitna ladang sangrayan. Moal beunghar tukang bata, moal sugih tukang tani, getihna
panghurip daging, huripna bumi ku cai, piparabeun getih aing. Anu matak tara nginum cihujan, kudu bae bijil ti
taneuh, karek diinum, kakarek ditaheuran. Lamun poho daging, getih kana narimakeun inya, nyaeta jalma tampa,
teu mulang tarima, nyawana keur kasegeran, huripna ku panarima, jawabeun daging jeung getih narima
"alhamdulillah". Lamun runtag nyawa bumi nyawa cai kajeun teuing runtag (daging) runtag getih, ngan mihape
pangrasa kamanusan; rarangken parab rarangken, lamun runtag salah mun ngarasula. Henteu umum nu tani resep
ka hama, tatangkalan ka mangandeuh. Nu poho tara nyebut hileud jeruk atawa hileud dalima, nyebutna hileud
mangandeuh, nyahoeun sababna hileud ku sabab aya mangandeuh.
Tulang jagat keur parab tulang manusa, geuning nyata ladang batu, ladang apu, ku bangga dipigawena, nu
matak mahal haregana. Lamun lain ku nu pibeukieunana, teu daekeun tulang narimakeun inya. Hurip tulang lamun
aya tarimana, boga rasa tarima alhamdulillah. Sungsuamna jagat mustika nu larang-larang, kapan nyata inten,
berlian, inten biduri, jambrut, mirah marjan japaran mutiara jeung sajaba ti eta, hese dibeunangkeunana, tanda
mahal haregana. Anu eling mah tangtu gede tarimana, ngajawab alhamdulillah, da nyahoeun taya nu pinu-
duhkeunana, kajaba nu boga teundeun.
Laki-rabi papaes di rububiyah, teu jadi asal raraga, ari runtag teu patut dipidangdamkeun. Baranahan papaes di
kadunyaan, nandakeun manusa kapercayaan. Mun tarima ku panarima, rasana dipercaya ku datna kapangeranan,
jadi jalan ngagelarkeun kamulyaan, lamun geus yakin eusina. Mustika murah bijilna ti margahina, karesepna ge di
dunya ka margahina. Lamun salah tarima, teu ngarasa. Rasa sajatining rasa, pangrasa taya nu lian. Tapi nu gede
elingna, komo kitu rumasa jatining rasa, narima alhamdulillah. Tah gawena rasa kapangeranan,
digelaran rububiyah, gumati teu pilih tanding. Moal dipilihan heula, mana nu gumelar nyata, henteu dibungkus
ku tabeatna, panas, tiris, baseuh, tuhur, nu nandangan gelaran nu bangga-bangga.
Top! Iraha rasana kapangeranan, teu kaur jeung kahalangan, boga rasa jadi mustika manusa, na di mana
mustika henteu dibungkusan? Da di mana emas? Mustika, inten? Geuning (jero) bumi, mutiara dasar laut; inten
sajeroning batu, emas sajeroning keusik, timah sajeroning leutak. Mun mustika ngagelar sagala wayah, mana teuing
taya pihargaeunana, meureun aya laut minyak, aya sagara mantega. Mustika mah nu mahal, kandel bungkusna,
lapis-lapis, sumawonna mustika jatining rasa, karimbunan ku rasa beunang ku basa la'natullah, rup ku padung rap
ku lemah, dibungkusan manusa ku basariyah, dibungkusan hakekat ku sare'atna, dibungkusan Nabi, Wali, ku tatana;
ngawula ku sare'atna. Lain bungkus hakekat ku ma'siat, eta mah ciri teu eling, sirna kapanaan, teu tolih kana
larangan, malah jadi kamerdikaan, sangkaeun nu kaiblisan; satungtung aya akal mah moal meunang hayang leupas
tina lampah sare'at. Rep sirep la'natullah, turut napsu sakangeunah, sakabetah, tapi diganti ngaran, majar sakersa
datullah, atuhtibra ten rumasa jalan setan. Majar ari jalma poho, sarua bae jeung sato, enyana mah mulya sato di
mana-mendi, da sato mah cicing di pangkatna sorangan, teu leuwihan teu ngurangan. Ari watekna kasampurnaan
lamun teu lali kana Dat Uluhiyah, Rahmaniyah, Rububiyah; enya bener basa kolot: Jati kasilih ku junti, tangkal
eunyeuh ku mangandeuh. Tah nyaeta mulya kajarah ku hina, puguh kasampurnaan manusa jalan ka marga-hina,
basa matak malik rasa, lamun tacan kaharti mah, lamun geus terus jeung rasa, hayang disada ku basa, tah ma'nana la
ilaha illallahu.
Nu matak nyembah lantaran tuturkeuneun sapanjangna, rumasa jadi panceran tina jasad Rosululloh, tina iman
Rosululloh. Tah ma'nana Muhammadurrosululloh, lantaran jasad ti jasad, lantaran nyawa ti nyawa, tata tincak
Rusululloh, diturutan ku aing. Rasa tekad Rosululloh nu dirasa ku aing, ulah rasa rarasaan, ulah rasa samar rasa. Rasa
di ditu di dieu; rasa di dieu di ditu; matak rasa henteu nyata. Rasa di ditu dipenta rasa di ditu, rasa di dieu dipenta nyata
di dieu. Rumasa beh ditueun Rosululloh, rumasa di beh ditueun, nginjeum ngaran ka Muhammad, nginjeum rasa
Ahadiyat, hayang asup jadi ummat Rosululloh, geus tangtuna sare'at aeh-aehan. Cacah dawuk rumasa jadi wadana,
Ingkeun bae, ngan lamun baha ka lurah, disurilam, sanggakeun ka kawadanaan, neda hukum jalma ngunghak, ka
dunungan. Rasa eta, rasa henteu aya aheratan, henteu aya Qur'anan, sawarga, naraka, malaikat jeung sagala pepencaran
eta henteu aya, wantu rasana beh ditueun Ambiya. Dedeheman ka aing mere sesemhen, hayang nganjang hayang diaku
baraya. Moal beunang, teu saamis teu salada. Hayang akur midulur ka salelembur, ka nu poho teu nyaho teu saturunan;
aing turunan ti eling, itu turunan ti poho; aing kudu langgeng eling, itu kudu langgeng
poho. Aing nyebut Allah, itu oge pipilueun; aing nyebutkeun Muhammad, itu oge pipilueun, pura-pura hayang
disebut sarua, aing nyebut goreng napsu, itu nyebut goreng napsu. Salawasna nu diturut lain napsu, da iradat sangaran
henteu sarasa. Ulah dipaksa dicacad, pasea dina sare'at, puguh pahili nya bukti, parebut pedah sangaran. Lain nguar-
nguar, beda ti huluwotanna. Ulah rek diaku batur, batur mah nu salulurung. Ulah diberean budi, bisi majarkeun saeusi,
anggur hade naha-naha, aing sieunan ku aherat, anggur hade naha-naha, babacaan ayat Qur'an; mun sieun naha bet
sieun; mun era naha, bet era; ku saha pikasieuneun ku saha pikaeraeun, da kitu mah keur pakeeun urang di dieu. Di
ditu mah, da euweuh sieun, di ditu mah da euweuh era. Deuk sieun sieun ku saha, deuk era era ku saha, nu baris.
pikasieuneun?
Ngimpi sakti, molor di kalomberan, lutak-letak nyatu tai ummat Nab!, nu paroho dicolok mata buncelik! Ririungan
rasa bari mandalungan, teu ka dieu teu ka ditu. Ka dieu ka Rosululloh, jauh di mana di mendi, sabab ngaku sajajaran,
pada gumelar tina nur hakekat Muhammad. Muhammad teh ngaran eta lain kangjeng Rosululloh Muhammad ibnu
Abdullah. Jadi sumawonna sare'at, moal nurut, moal niru, hakekat ge ngandih ti huluwotanna, ka ditu ka mana-mana,
sagala kayakinan. Cacak sayidina Isa, kalangkungan lahutiyah,. henteu turun ka ummatna, sumawonna ngaku
ngungkulan, anggur tepa Uluhiyah,ka anjeunna, tepi ka disebut Allah. Nya kitu deui Sayidina Musa kaleuwihan
nasutiyah, henteu aya ummatna nu ngaleuwihan, rumasa di kalamullah atawa ngaku sorangan, moal nurut ka Nabina.
Kitu deui Sayidina Hidir, leuwih kalahutanana, henteu burung ngaku kabawah parentah ku Gusti Allah.
Top rasakeun! Ari ieu miluna ka saha? Rek macakal naon pisaksieunana? Jaba ti impian iblis? Dipepende direrepeh,
sing lali tepi ka paeh. Cacakan kabeh Ambiya pepencaran Muhammadiyah, euweuh nu ngakukeun beh ditueun, masih
keneh asak papay pancakaki, kadohiran; teu ngagugulung impian.
Ya Allah Nu Kawasa! Neda pangraksa ngajaga rasa, rasa sajatining rasa, rasa terus jeung nyata, nyata ku
purbawisesa, wisesa nampa pamaksa, maksa katampa ku rasa, rasa nu paksa-pirusa. Karek enya kasampurnaning manusa
lamun ditarima ku rasa, sagala purba wisesa, datangna reujeung pirusa, anu undur anu datang, sanajan sagede lisa, karek
nyata ngadu rasa pada rasa.
Lebah dieu aing mokaha suaban, nyebut tutung ku seuneu, baseuh ku cai, ditulung ku si Anu, dikaniaya ku si
Anu, da moal pasalingsing, ngabagi-bagi lain ka nu pibogaeun, unggul asor, aing nu ngarasa inya, duanana jawabeun
alhamduliliah, duanana jawabeun inna liliahi, duanana lillahi'l-amru jami'an, duanana tasbeaneun subhanallah.
Jawaban lain ku basa, tapi jawaban ku rasa, nyaeta tea ku rasa panarima, nyatana mapay hidayat, hidayat ti Gusti
Allah, mapay sirotolmustaqim, ulah kairid ku lali.

Anda mungkin juga menyukai