Anda di halaman 1dari 2

Bismillahirohmannirohiim

Asallamualikum Warohmatillahi Wabarokatuh

Alhamdulillah

Alhamdulillahirobbilalamiin

Yaa Man wasiat kula syaiun rohmatuh

Yaa man tsabaqot rohmatuhu godhobah

Yaa man ahatho bikuli syaiun ilmuh

Yaa man laesa ahadun mistlah

Asyhadu allaaillahailallohu wahdahu laa syarikallah wa asyhadu anna muhammadan abduhu


warosuluhu aladzi arsalnaka ila rohmatan lil alamin , ama ba’adz

Almuhitul alimun robus syahidul hasibul fa’alul kholiqul bariul mushowiru

Biqodratillah biirodatillah birohmatillah difadhlillah biidznillah

Faqolallahuta’ala fil quranul kariim

Wa min āyātihī an khalaqa lakum min anfusikum azwājal litaskunū ilaihā wa ja'ala bainakum
mawaddataw wa raḥmah, inna fī żālika la`āyātil liqaumiy yatafakkarụn

Di kawitan ku bismillah anu janteun bubuka

Puji eta teteup kagungan dzat Allah ta’ala anu kagungan anu ngurus sakabeh alam , syukur urang ka
gusti anu maha suci kagungan nana , kalayan qodrat irodat mantena dina kasempatan anu mulia ieu
urang sadaya masih keneh dikersakeun tiasa silaturahmi ngariung mungpulung patepung lawung
pateteup pamenteu patarema panangan salam salaman bari aya dina kayaan sehat walafiat oge di
kokop ku kaimanan kalih kaislaman pamugi urang sadaya sing di langgeungkeun aya dina rohmat
kalih maghfiroh na Allah SWT. Aamiin.

Sholawat miwah salam kajungjunan alam nabi mulya nabi muhammad SAW anu nitis tumaritis ka
para keluargana ,ka para sahabatna oge ka para umatna anu masih istiqomah aranut dina ajaran
mantena anu tos nungtun ka urang sadaya kana jalan pisalamateun dunia miwah akheratna anu
ngangge perantawisan quran hadist miwah sunah mantena pamugi urang sadaya sing kagolongkeun
kalebeutkeun umat mantena kalayan kenging syafaat ti mantena di yaumil akhir aaminn.

Sateuacanna ngemukeun anu di maksud ngedalkeun anu di cita cita , simkuring ngadeug di payuneun
para pini sepuh oge para wargi sadaya teu aya sanes kapancenan ku asmana ibu yani miwah bapa
kudrat sakulawargi ,anu mana ieu pancen teh teu kinteun abot na rumaos simkuring tuna ku
pangabisa bujeung bujeung ka tiasa teu ngangkeun kana bodo boda acan , ku kituna atuh bade
lahlahan bae, jalaran kitu langkung tipayun neda sih hapunteun bilih aya catur anu teu ka ukur bilih
aya basa anu teu kareka.

Para sepuh para wargi sadaya hormateun simkuring bapa .... miwah ibu..... oge cep......., ahlan
wasahlan, wilujeung sumping , simkuring kalayan asmana ibu yani miwah bapa kudrat sakulawargi
kalintang bingahna, bingah amarwatasuta, bingah anu henteu aya papadana kumargi naon anu di
anti anti ti kamari , naon anu jadi carita basa harita, ayeuna nyata tos aya payuneun urang sadaya,
nampi ibu bapa tali silaturahmi pamugi sing ngajanteunkeun rohmat ka urang sadaya aamiin,

Salajeungna sakumaha anu parantos disanggeumkeun ku bapa.... anu janteun wawakil ti keluarga
bakal calon panganten pamegeut rupina parantos kagalih ku urang sadaya sakitu ecesna , anu mana
cep..... gaduh pamaksadan hoyong mungkas alam lalagasan , ngancik di alam rimbitan rek muru ka
bale nyungcung. Namung sateuacan na peryogi ka uninga , yen neng nisa teh mung jangkung luhur
salira na hungkul namung suwung ku kaweruh masih meryogikeun pangatik sareung pangdidik ti para
sepuhna malah mandar tiasa ngawangun rumah tangga anu sakinah sakumaha anu di pihareup ku
urang sadaya.

Para sepuh para wargi sadaya hormateun simkuring , minggon 28 mei 2023 kalayan kasakseni ku para
wargi oge diwuwuhan ku para sepuh sadaya , dikawitan ku nyebatkeun jenengan na dzat Allah ta’ala
anu kagungan welas tur asih ,Bismillahirohmannirohiim simkuring kalayan asmana ibu yani miwah
bapa kudrat nampi kana permaksadan na ibu ..... miwah bapa....... , alhamdulillah.

Sabada di walimahan pamugi hideup dua an sing tiasa ngawangun rumah tangga anu

Repeh rapih ayeum tengtreum kutarahaja runtut raut sauyunan sareundeuk saigeul sabata
sarimbangan sabobot sapihanean , sing tiasa silih simbeuh ku kadedeuh, silih kojayan ku kanyaah
titih rintih mupusti ka asih teubih tina hiri dengki anggang tina pacengkadan guyub akur sauyunan
ngawangun rumah tangga anu sakinah mawadah warohmah. Naon rupi anu janteun cacandakan
hideup sing ageung guna sareung mangpaatna jadi pangjajap pangjurung laku keur hideup duaan lir
ibarat sekar anu munggaran anu mekar mangkakna pinuh ku hareupan. Pamugi dina pamaksadan
hideup dua an sing kauntun tipung katambang beas sing tiasa tinekanan sing teteug henteu galideur
dina nyorang paneka rumah tangga sing laksana sadaya naon anu diseja.

......... oge nisa , kahirupan teh lir ibarat lalayaran , kapalna wujud ning iman , mesin na wujud ning
taqwa umbul umbul na dienul islam padoman nana al quran ,

Bral geura miang nyandang hareupan ngudag kauntungan ,kabagjaan tur kasalameutan cuk cruk
galur para rosul papay sajarah anbiya sungsi diri anu sajati , sujud syukur ka ilahi robi , silih asah silih
asih silih asuh silih seungitan silih sugeumakeun silih bageakeun silih salameutkeun lahirna bathin na
dunya miwah akheratna sajajar sadarajat depe depe handap asor ka sasama dina enggoning milari
ridho mantena aamiin yaa robal alamin .

Para sepuh para wargi sadaya rupina urang cekapkeun bae, mugi agung cukup lumur jembar
hapunteun anu di teda hapunteun anu kasuhun , hatur sewu nuhun kana samungkawis perhatosan
nana.

Allohuma sholiala sayidina muhammadin sholatan takunu lana alallohibaban mashudan wa andaihi
hijaban masdudan wa ala alihi washohbihi wasalam.

Wabillahi taufi wal hidayah

Wasallamualaikum Wr Wb.

Anda mungkin juga menyukai