Dewi Sartika ( Lahir di Bandung kaping 4 Desember 1884 – pupus di Tasikmalaya 11
September 1947) nyaeta tokoh anu ngarintis pendidikan keur kaom Istri jeung mangrupakeun salah sahiji tokoh Pahlawan Nasional. Dewi Sartika dilahirkeun ti kulawargi priyayi Sunda, Nyi Raden Rajapermas sareung Raden Somanagara. Meski ngalanggar adat harita, Ibu Ramana keukeuh nyakolakeun Dewi Sartika ka sakola Walanda. Sapupus Ramana, Dewi Sartika diasuh ku Ua-na (Lanceuk Ibuna) nu mangrupakeun Patih di Cicalengka. Ti Ua-na anjeuna keunging didikan tentang ka-Sundaan, sedengkeun wawasan kabudayaan Barat diperoleh tina berkat didikan Nyonya Asisten Residen bangsa Walanda. Ti taun 1902 Dewi Sartika tos ngarintis Sakola kanggo kaom Istri. Di ruangan alit atanapi di pipir bumi Ibuna di Bandung. Dewi Sartika ngajar di payuneun anggota kulawarga anu Istri. Ngarenda, masak, ngaput, maca, nulis, ngitung jeung sajabana ngajadikeun materi pangajaran harita. Saatos konsultasi sareung Bupati RA. Martenagara dina kaping 16 Januari 1904, Dewi Sartika muka sakola Istri kahiji sa-Hindia – Walanda. Disakola eta guruna aya tilu urang nyaeta Dewi Sartika sareung dulurna Ny. Poerwa dan Nyi Oewid. Murid angkatan pertamana 20 urang-an ngagunakeun ruangan pendopo kabupaten Bandung. Bulan September 1929, Dewi Sartika ngayakeun peringatan pendirian sakolana anu atos 25 taun. Anu saterusna diganti nagaranna jadi "Sakola Raden Dewi". Ku jasana eta Dewi Sartika dipasihan bintang jasa ku pamarentah Hindia-Walanda.