Anda di halaman 1dari 2

IKET BARANGBANG SEMPLAK

Iket barangrang semplak kagolong salah sahiji iket nu sederhana sareng


babari ngagunakeunana. Ciri khas iket barangbang semplak teh nyaeta di
bagean kaen bentuk segitiga nu ngajuntai dibagean tukang mastaka nyarupaan
barangbang nu semplak.
Barangbang semplak hartina dahan tangkal kalapa nu baralak atawa
sintungna nu garing potong atawa ngampleh katukang.cara make iket model
kieu umumna laku dikalangan masyarakat,seseerna terutami jalmi – jalmi anu
profesina janteun bandar muning,kusir delman, tukang adu domba,jawara atau
oah (jagoan).
Aya oge sabagian masyarakat sunda anu ngangge iket barangbang
semplak dina bagean tengah mastaka bagean luhurna kabuka.namung iket
model kieudina tatakrama busana orang sunda,dianggap heunteu sopan lamun
digunakeun kanggo mayunan sepuh atanapi luluhur.
Bentuk rupa iket barangbang semplak kabagi 2 bagian,nyaeta :
1. Bagean luhur kabuka,anu tujuana kanggo ruang sirkulasi udara dibagean
luhur mastaka ameh teu aya rasa panas anu kalelewihan
2. Bagean sisi,anu fungsina kanggo nyerep kesang tina permukaan mastaka.
Cara ngagunakan iket barangbang semplak :
1. Kaen dilipet dua bagean sacara diagonal dugi ka ngabentuk segitiga

2. Lipet kaen anu atos dibentuk segitiga dina bagean diagonalna salebar 10
cm sababaraha kali,tumpukan lipetan simpen ngarahna kaluar

3. Bagean kaen anu ngabentuk segitiga disimpen dibagean payun mastaka


4. Ujung kenca kaen dicekel ku panangan kenca sareng ujung kaen anu
katuhu dicekel ku panangan nu katuhu

5. Tarik dua ujung kain kapayun atanapi ujung iket belah katuhu diputer
kabelah kenca teras disimpulkeun tepat dina taar,bagean ujung segitiga
tepat dihanapeun simpul

6. Talikeun kadua ujung iket ditukang nalikeuna duakali

7. Tarik bagean segitiga nudipayun ka tukang sareng antepkeun we


bentukna senah rebah katukang.

Anda mungkin juga menyukai