Anda di halaman 1dari 2

Contoh paguneman resmi atawa paguneman dina diskusi

Panumbu catur : Bayu

Pamilon 1 : Amir

Pamilon 2 : Budi

Pamilon 3 : Cepi

Pamilon 4 : Dedi

Girang serat : Lia

Sawala Bahaya Narkoba

Bayu : Pala wargi sadayana, simkuring salaku panumbu catur ngahaturkeun nuhun ka
sadayana nu parantos tiasa hadir dina ieu sawala. Dupi maksad ieu sawala teh
kanggo urang ngabahas kumaha teu kinten bahayana narkoba ka urang sadayana.
Sateuacan dilajengkeun, upami aya patarosan, mangga langsung bae ditaroskeun
atanapi dicarioskeun.

Amir : Naon anu janten tujuan atanapi nu dipikaharep tina ieu sawala teh?.

Budi : Panginten abdi tiasa ngawaler patarosan Amir. Ieu sawala teh mangrupikeun tugas
ti bapa kepala sakola ka urang sadayana pikeun tiasa ngahasilkeun usulan anu
kongkrit ngeunaan pencegahan bahaya narkoba.

Cepi : Muhun, engke hasil sawala ieu teh kedah masihan usulan kanggo urang tiasa

mencegah bahaya narkoba sacara efektif.

Dedi : Kumargi tina hasil ieu sawala teh kedah didamel laporan, kedahna mah aya anu

janten girang serat dina ieu sawala teh.

Lia : Muhun, ieu abdi anu janten girang seratna, abdi parantos nyatet ti ngawitan ieu

sawala.

Bayu : Mangga atuh ayeuna urang dikawitan, kumaha kinten-kintenna usulan anu bade ku

urang diajengkeun?

Budi : Usulan ti abdi, saena mah pencegahan bahaya narkoba teh dikawitan ku sosialisai

di kulawargi urang masing-masing.

Cepi : Muhun, simkuring sapagodos sareng Budi. Saparantos di kulawargi, sosialisasi

diteraskeun ka lingkungan di RT sareng RW, ditambih sosialisasi di sakola.

Dedi : Kanggo perkawis waktos sareng kumaha carana, simkuring gaduh usulan. Kumaha,

pami sosialisasi di kulawargi percantenkeun ka kepala keluarga, di lingkungan ka


ketua RT/RW, sareng di sakola mah panginten ku kepala sakola.
Amir : Tah muhun kitu nya ahirna urang gaduh konsep anu sae pikeun mencegah bahaya

narkoba.

Lia : Muhun ieu abdi parantos nyatet, katingalina usulan urang sadayana sae,

terstruktur sareng terarah.

Bayu : Muhun atuh hatur nuhun ka sadyana anu tos tiasa urun rembug dina ieu sawala,

janten urang tos katingali gaduh konsep anu baade diajengkeun ka kepala sakola.

Dedi : Ke, punten sakedap, naha leres urang parantos yakin sosialisasi di kulawargi, RT

sareng RW teh tiasa berhasil?.

Cepi : Muhun, eta patarosan sae pisan. Ari saur simkuring mah, upami lingkungan RT/RW

tos ngaraos yen bahaya narkoba teh kacida ageungna kanggo urang sadayana,
tangtos RT/RW oge bakal ngadukung, sapertos RT/RW ngadukung kana peryogina
pencegahan DBD.

Amir : Tah muhun sae pamadegan ti Cepi teh, kanggo urang tiasa yakin usulan urang

sadayana teh tiasa dilaksanakeun.

Budi : Muhun, supados usulan urang lengkep, teu aya nu kalangkung, cobi punten Lia

kumaha

tiasa disebatkeun kasimpulan sawala urang teh?.

Lia : Mangga (terus Lia maca eta kasimpulan sawala).

Bayu : Muhun atuh hatur nuhun ka sadyana anu tos tiasa urun rembug dina ieu sawala,

janten urang ayeuna mah parantos yakin kana usulan anu bade diajengkeun ka
kepala sakola

Anda mungkin juga menyukai