Anda di halaman 1dari 2

SISINDIRAN

1. Rarakitan
Sapanjang jalan Soreang,
Moal weleh diaspalan.
Sapanjang tacan kasorang,
Moal weleh diakalan.

Ti batan mawa pedang,


Mending ge mawa ragaji.
Ti batan ulin bagadang,
Mending ge diajar ngaji.

2. Paparikan
Hayang pisan geura dahar,
Ngan taya réncang sanguna.
Hayang pisan jadi beunghar,
Ngan kudu getol usahana.

Cau naon cau naon,


Cau kulutuk di juru.
Bau naon bau naon,
Bau hitut nu di juru.

3. Wawangsalan
Panumpang tumpak di hareup  
aya si eca keur leumpang (beca)

Dipakena dina sirah


urang ngobrol bari ngopi (topi)

Alat ngitung dipencetan


bapa mah indit ka kantor (kalkulator).

Tempat urang nulis elmu


kudu bisa motong kuku (buku).

TATARUCINGAN
Papan naon nu bisa ngaganggu? Papanting hihiberan
Kaca naon anu peureus? Kacabok ku batur
Bisa turun tapi teu bisa naek deui naon tah? Cai hujan
Kasur naon anu didambakeun ku balarea? Kasurga na Alloh nu maha kawasa

Anda mungkin juga menyukai