Anda di halaman 1dari 8

UPACARA ADAT MIANGKEUN KELAS 12

TASIKMALAYA
TAHUN PELAJARAN 200 /200

“Assalaamu’alaikum wr. Wb
1. BUbuka
Tipayun urang muji sukur anu agung, neda jembar ka maha kawasa,
kulawarga , baris medal garapan husus upacara
adat sunda numeh suda ku jaman, kukituna ayeuna baris di garap deui ku
para siswa siswi kelas .
Sumangga urang sakseni kusadayana, upacara husus miangkeun
kelas baris dikawitan . . . !
2. Proloh
Ya Robbi . . . poe ieu dina patok nu muka, dina lalampahan hirup
kumbuh anu tangtu, urang miang pada-pada nangtukeun jalan sorangan,
memeh langkah dina jalan kabagjaan, urang kebat, asa kamari urang nyuprih
pangarti, kiwari nu ngancik naati sanubari baris kapipit kaala hasilna ngajadi
bukti, memeh tetep ngiles pinuh kareueus hayu urang bandungan leunjeuran
carita.
3. Gending Kunosari

1
Amit ampun nyaparalun
Bilih manawa manawi
Manawa kasugemaan
Manawi bahan katampi
Muga jembar hampurana
Seja ngahariring dangding

Nyukcruk galur para karuhun


Warisan budaya seni
Kalangkang anu baheula
Ayeuna digarap deui
Kabudayaan urang sunda
Kiwari direka deui
Nun nu agung . . . nun nu agung . . . nun nu agung . . .
4. Lengser Midang (pirigan kunang-kunang)

Ua lengser anu ginding


Diaping diiring-iring
Hayu urang geura hiap
Urang teang anu ginding

Euleuh geuning itu geuning


Ngalabring mani garinding
Yap bagea anu waluya
Hidup walagri sajati

Hayu urang geura papag


Wanoja reujeung jajaka
Bagja temen ibu bapa
Mugia waluya bagja
Sepuh murid nu nyakseni
Kelas tilu anu tangtu
Ih kahade sing balageur
Sing salinger sing palinter

Amit mundur amit mungkur


Sing jalujur sing malujur
Dorong do’a ti sadayana
Pangersa maha kawasa

2
5. Lengser bewara . . .

“Reup angin reuereuh heula, didieu aya bewara


Jeup sora simpe heula, didieu rek upacara.

Bewara . . . bewara ka balarea . . .,


Batur jenuk anu cunduk, mangsa datang nu rek tandang, asih nu ngancik
dibahari kiwari matri na ati sanubari, mugi-mugi gusti yang widi masihan
kasingrahan ku medalna mugia jaya salawasna,
amin . . . !

Hey umbul-umbul anu rentul geura tatan-tatan beber layar tarik


jangkar, geura miang makalangan kalayan natrat, para pamayang nu
lalenjang, baris mapag karesmen husus, tresna ning nu bukti matri ngajadi hiji
saksi nuwalagri, wawakil ti siswa siswi kelas tilu. Mangga geura papag ku
pamager asih pamatri ati anu nambih asri, geura tandang makalangan.
(Dipirig ku tabeuhan umul-umul . . . catrik,merak, ninun)

Ninun

Daleungdang nu gandang datang


Diaping ku kadang wargi, deuh
Baeu bengkeut masing deukeut
Deukeut geugeut da geus geugeut
Pasini rek silih asih
Silih ayunkeun kadeudeuh, deuh

Bagea nu anyar datang


Kasarakan panyileukan, deuh
Ditawur seungit malati
Malati kembang kawangi
Dalingding di pangreureuhan
Sari asri narik ati, deuh

Pangbagea kadang warga


Teuteup deudeuh ibu rama, deuh
Tanding sagara kasmaran
Lir gunung tanpa tutugan
Haleuang tembang kamelang
Gupay raray panghareupan, deuh

6. Sarengsena mapag siswa dugi ka panggung


Pangersa Bapa Kepala Sakola dihaturanan linggih ka panggung, (ku
lengser dicalikeun dina korsi, kalayan siswa sungkem dina lahunannana.
Nganggo ilustrasi sora murid/guru)

PROLOH KANGGO SUNGKEM


Siswa : “Bapa . . . Jasa bapa samudayana, lir jaladri tanpa tepi, lir gunung
tanpa tutugan, matri dina sanubari, mancuh dina lelembutan,
piwuruk miwah atikan kasuhun katampi pisan. Bapa . . . tilu taun
sadayana sasarengan, tinangtos seueur kaleupatan sinareng
kaluluputan, samemeh abdi sadayana lunta, abdi neda dihapunten
tina galih nu wening, tina manah anu setra.
Bapa . . . dinten ieu abdi pamit, mungkas mangsana atikan, pidu’a
anu diteda gesan lunta nyiar luang, atikan anu langkung jebar.
Pileuleuyan bapa, Ibu guru anu heman, pileuleuyan-pileuleuyan
paturay patepang deui.”
Guru : “Anaking . . . kalayan clak putih clak herang, caang bulan opat belas,
najan teu penta tong salempang tong hariawng, bapa ngahampura
pisan.
Anaking . . . samet dieu bapa jajap, poma ulah leutik hate, palias
bapa lain teu melang ngan do’a bapa tetep marengan hidep
sadaya.
Bral anaking geura tandang, cruk-cruk elmu nu luhung nyiar luang
keur patandang, elmu nu luhung kasakti diri, hirup hurip muga
mulus, pait daging pahang tulang. Ngan mihape ceuli jeung mata,
jaga diri, kulawarga jeung lembaga.
Bral geura papag poe nu bakal datang, ulah beueus kuditeuteup,
ulah keueung kudisorang, pancegkeun hate jeung kaimanan.
Pileuleuyan anaking pileuleuyan . . . bral hidep geura miang, geura
patandang.”

7. Penyerahan STTB
Ku Bapa Kapala Sakola dihaturanan kanggo nyanggakeun STTB
secara simbolis, oge ti siswa siswi tawis katineung tur kanyaah, harumna
kembang ngalungkeun rentetan kembang ka Bapa Kapala Sakola.
Bapa Kapala Sakola dihaturanan lungsur ti payun.

Paturai

Paturay pileuleuyan pileuleuyan


Ti ayeuna urang teh bakal paanggang
Anggang soteh ukur dina titinggalan
Tebih soteh duh dina reretan

Dina manah urang tetep sasarengan


Dina kalbu teu paanggang
Na emutan urang tetep sasarengan
Pileuleuyan pileuleuyan duh batin paanggang

8.Musopahah
Kulu-kulu

Solalloh ‘ala Muhammad


Solalloh ‘alaihi wassalam
Solalloh ‘ala Muhammad
Solalloh ‘alaihi wassalam

Catrik

Abdau bismilahirohim
Abdau bismirobikarim
Solawatan ala rosulih
Wa’ala ali wasohbihi

9.Rengse (Jiro gamir sawit)

Mung sakitu sepuh-sepuh murid kalih kulawargi, pidangan ngeunaan


upacara husus miangkeun kelas tilu parantos
rengse. cag urang tunda di hanjuang siang geusan alaeun, urang teundeun
dihandeuleum sieum geusan sampeureun jaga. Isuk jaganing geto urang
tiasa patepang deui.

Tutus langkung kepang halang, bobo sapanon carang sapakan,


hapunten tina sagala kakiranganana, Cag. . .
Wassalaamua’alaikum wr. wb.”

CINEAM MEI 2008


PENYUSUN

ACE SUPARMAN
NIP.130933121

Gending karesmen upacara adat


NO POSISI SARON 1 SARON 2 JENGLONG BONANG
1 Bubuka Gong-Gong-Gong (Ng)
1.321 321 321 - 4.4444 --- 4.4444 --- 4 4.4444
4.4444
1.321 321 321 - 5.5555 Ng --- 5.5555 --- 5 5.5555
5.5555
1.321 321 321 - 4.4444 --- 4.4444 --- 4 4.4444
4.4444
4321 543 451 123 123 4... Ng 31 - 32 - 31 - 34 1 - 2 - 1 - 4 Ng ¼ . . . 8x Ng
Gederkeun
2 Prolog 12 212 212 - 4 -2-2-2-4 --- 4 4
4
12 212 212 - 5 -2-2-2-5 --- 5 5
5
12 212 212 - 4 -2-2-2-4 --- 4 4
4
4321 543 451 123 123 4... Ng 31 - 32 - 31 - 34 1 - 2 - 1 - 4 Ng ¼ . . . 8x Ng
Gederkeun
3 kunosari 1 1 1 54 Ng 3 3 2 34 Ng 11 4 - 33 4 1-4-3- 4
4 Lengser 543 4. 44, 543 1.11 --- 44 --- 11 4-1 4/4 - 1/1
Midang 543 4. 44, 543 2. 22 Ng --- 44 --- 22 4 - 2 Ng 4/4 - 2/2 Ng
543 4. 44, 543 1.11 --- 44 --- 11 4-1 4/4 - 1/1
543 4. 44, 2 3 2 Ng --- 44 --- 232 Ng 4 - 2 Ng 4/4 - 232
232
4 4341234 3331 3334 3-1 3-4 222-222-444-444
3 1 3235123 1214321 Ng 3332 3331 3-2 3-1 444-444-111-111

4 4341234 3331 3334 3-1 3-4 111-111-444-444


1 1214321 Ng 3332 3331 3-2 3-1 444-444-111-111

4 4341234 3331 3334 3-1 3-4 111-111-444-444


3 2 3235123 2325432 Ng 3331 3332 3-1 3-2 444-444-222-222

4 4341234 3331 3334 3-1 3-4 222-222-444-444


2 2325432 Ng 3331 3332 3-1 3-2 444-444-222-222
5 Umul-umul 4321 Ng
1451 1451 1451 4512 Ng 3- 1 3 - 1 3 - 1 3 - 2 1-1-1-2 1/1 1/1 1/1 1/1
2512 2512 2512 4321 Ng 3- 2 3 - 2 3 - 2 3 - 1 2-2-2-1 2/2 2/2 2/2 2/2
6 Pamayang Pangkat 321515 Ng 321515 Ng
2 2325432 543-345-215-512 1-3 1-2 5153.212
1 1214321 2. 2. 5. 5
5 5452345 Ng 215-512-543-345 1-3 1-5 2123515
2. 2. 5. 5
3 3235123 543-345-321-123 1-2 1-3 5551 - 5552
1 1214321 3331 - 3330
2 3452345 Ng 321-123-543-345 1-2 1-5 3331 - 3332
5551 - 555 Ng
7 Catrik anca Pangkat 321515 Ng 1-2-1-3 2233223 515 Ng
lagu 2 232323254325432 543 3345-215 5512 5551 - 5553
dareuda 1 1212121214321 1-2-1-5 2221 - 2220
5 545454523452345 215 5512-543 3345 2221 - 2223
5551 - 555 Ng
8 Gamir 3333 5451 5345 Ng 3 - 5 - 3 - 5 II 3 - 1 5-5-5-1 2/5
sawit 5345 - 5345 - 2251 - 2432 3.2 - 3- 2 - 3 2- 3- 1 2-2-2-1
2432 - 2432 - 2321 - 5345 3.5 - 3 - 5 - 3 - 5 II
Keterangan Gamir sawit - goong na umul-umul p.p. ppp NG
Goong nu sanesna anca P.O - P. O PPP Ng

MACAM-MACAM PIRIGAN DEGUNG SISTIM CARUK


PIRIGAN BONANG SARON I SARON II JENGLONG
1 2 3 4 5
CATRIK 1212121 4321 4321.
2233223515 G
2323232 5432 5432 543 - 345. 215 - 512 1-3-1-2
1 3 2 5551 5553 2221 2220
1212121 4321 4321. 215 - 512. 543 - 345 1 - 3 - 1 - 5G
3 5 2221 2223 5551 555G
5454545 2345 2345
KULU-KULU 215441.435232G
3232323 5123 5123.
5454545 2345 2345 215 - 512. 543 - 345 3-1-3-5
3 1 5 2223 2221 5553 5550
3232323 5123 5123. 513 - 345. 215 - 512 3 - 1 - 3 - 2G
1 2 5553 5551 2223 222G
2323232 5432 5432
LALAYARAN 321 515 G
1212121 4321 4321.
3232323 5123 5123 513 - 345. 321 - 123 1-2-1-3
1 2 3 5551 5552 3331 3330
1212121 4321 4321. 321 - 123. 543 - 345 1 - 2 - 1 - 5G
2 5 3331 3332 5551 555G
5454545 2345 2345
CIREBONAN 1212121 4321 4321.
2323232 5432 5432
3 2 2345 G
1212121 4321 4321. 543 - 345. 215 - 512
1-3-1-2
1 2 3 5551 5553 2221 2220 1- 2 - 1 - 3G
3232323 5123 5123 215 - 512. 321 - 123
3 2 2221 2223 3331 333G 1-3-1-2
1212121 4321 4321. 321 - 123. 215 - 512
3 5 3331 3332 2221 2220 1 - 3 - 1 - 5G
2323232 5432 5432 215 - 512. 543 - 345
2221 2223 5551 555G
1212121 4321 4321.
5454545 2345 2345
SINYUR 5151515 3215 3215.
1212121 4321 4321
2 1 1122112.454G
5151515 3215 3215. 432 - 234. 154 - 451 5-2-5-1
5 2 3 4445 4442 1115 1110
3232323 5123 5123 154 - 451. 321 - 123 5 - 2 - 5 - 3G
2 1 1115 1112 3331 333G
5151515 3215 3215. 321 - 123. 154 - 451 5-2-5-1
2 4 3335 3332 1115 1110
1212121 4321 4321 154 - 451. 432 - 234 5 - 2 - 5 - 4G
1115 1112 4441 444G
5151515 3215 3215.
4343434 1234 1234
BANJARAN 5151515 3215 3215.
1212121 4321 4321
3 1 321 454G
5151515 3215 3215. 432 - 234.154 - 451 5-3-5-1
5 3 2 4445 4443 1115 1110
2323232 5432 5432 154 - 451. 215 - 512 5 - 3 - 5 - 2G
3 1 1115 1113 2221 222G
5151515 3215 3215. 215 - 512. 154 - 451 5-3-5-1
3 4 2221 2223 1115 1110
1212121 4321 4321 154 - 451. 432 - 234 5 - 3 - 5 - 4G
1115 1113 4441 444G
5151515 3215 3215.
4343434 1234 1234
BUNGUR 1212121 4321 4321.
112233443.212G 4343434 1234 1234
3 4 2221 2223 4441 4440 1212121 4321 4321. 215 - 512. 432 - 234
1-3-1-4
1 3 5 1 - 3 - 1 - 5G
4441 4443 5551 555G 5454545 2345 2345 432 - 234. 543 - 345
3 4 1-3-1-4
5551 5553 4441 4440 1212121 4321 4321. 543 - 345. 432 - 234
3 2 1 - 3 - 1 - 2G
4441 4443 2221 222G 4343434 1234 1234 432 - 234. 215 - 512
1212121 4321 4321.
2323232 5432 5432
BELENDERAN 1212121 4321 4321.
3 4 4343434 1234 1234
543.232 G
1212121 4321 4321. 215 - 512. 432 - 234 1-3-1-4
1 2221 2223 4441 4440
3 5454545 2345 2345 432 - 234. 543 - 345 1 - 3 - 1 - 5G
5 4441 4443 5551 555G
1212121 4321 4321. 543 - 345. 154 - 451 1-3-5-1
5551 5553 1115 1110
5 1212121 4321 4321 154 - 451. 215 - 512 1 - 3 - 1 - 2G
1115 1113 2221 222G
3 1 1212121 4321 4321.
3 2 2323232 5432 5432

TITILAR
BONANG SARON I SARON II JENGLONG GOONG KENDANG
AS
1 ( DA ) 1115 1110 1214321 154 - 451 5-2-5-1 P.0 D PPTTTG
1115 1112 154 - 451
2221 2220 215 - 512 D TTTT
2 ( MI ) 2325432 1-3-1-2
2221 2223 215 - 512
D TTTT
3331 3330 321 - 123 P.0
3 ( NA ) 3235123 1-2-1-3 TTTTTTTT
3331 3332 321 - 123
P.0
4441 4440 432 - 234 P
4 ( TI ) 4341234 1-3-1-4
4441 4443 432 - 234 P G
TD
5551 5550 5153215 543 - 345
5 ( LA ) 1-3-1-5
5551 5553 5452345 543 - 345 PPTTTG

Anda mungkin juga menyukai