Anda di halaman 1dari 8

RENCANA PELAKSANAAN PEMBELAJARAN

( RPP )

Nama Sekolah : .............................


Mata pelajaran : Bahasa Sunda
Kelas / Semester : VII / 1
Alokasi Waktu : 2 x 40 Menit

A. Standar Kompetensi
Mampu membaca, memahami dan menanggapi bentuk dan jenis wacana sejarah
lokal/babad, wacana percakapan, wacana dongeng dan carita pondok

B. Kompetensi Dasar
Membaca teks percakapan

C. Tujuan Pembelajaran
Dapat membacakan teks percakapan dengan lafal, volume suara serta intonasi yang baik

Indikator
 Dapat membacakan teks percakapan dengan lafal, volume suara serta intonasi yang baik
 Dapat membaca kalimat kedua tokoh dengan penjiwaan yang berbeda
 Dapat menjawab pertanyaan-pertanyaan bersangkutan dengan pembacaan teks
 Dapat memperbaiki atau menyempurnakan pembacaan teks percakapan

D. Materi Pokok
Membaca Teks Percakapan

E. Metode Pembelajaran
1. Pendekatan : Komunikatif, alamiah
2. Metode : Langsung
3. Teknik : Ceramah, Diskusi, Latihan, Pemberian Tugas

F. Kegiatan Pembelajaran
Pertemuan Kegiatan Waktu
1 Pendahuluan 10 menit
 Memeriksa kesiapan siswa
 Apersepsi
 motivasi

Kegiatan Inti 60 menit


 Secara bergantian siswa membacakan wacana percakapan
 Bersama-sama menyimak dengan seksama wacana
percakapan yang dibacakan
 Bertanya jawab tentang topik yang dibaca
 Bertanya jawab tentang isi bacaan

Penutup 10 menit
 Bersama guru, siswa menyimpulkan isi wacana
 Siswa ditugaskan untuk membaca atau mendengarkan
percakapan pada koran, majalah atau media elektronik
serta menelaah isinya

G. Alat/ Bahan / Sumber


 Wacana percakapan
 Buku pegangan
 Majalah
 Surat kabar

H. Penilaian
Indikator Teknik Bentu Instrumen Kunci Jawaban
k
Dapat membacakan Lisan Unjuk Baca wacana paguneman Gumantung
teks percakapan Kerja kalawan bener! kamampuh siswa
dengan lafal, volume
suara serta intonasi
yang baik
Dapat membaca Lisan Unjuk Baca wacana paguneman Gumantung
kalimat kedua tokoh Kerja kalawan bener! kamampuh siswa
dengan penjiwaan yang
berbeda
Dapat menjawab Lisan Uraian 1. Naon judul eta 1. Tatakrama
pertanyaan-pertanyaan paguneman téh? dahar/nginum
bersangkutan dengan 2. Saha nu kudu 2. Nu leuwih kolot,
pembacaan teks meunang panghormat tamu atawa nu
téh? dihormat
3. Kumaha cara ngadu’a 3. Carana mah
saméméh dahar, nurutkeun urang
lamun aya nu béda Islam baé. Anu
agama? séjénna mah
4. Ngobrol dina waktu sina
Indikator Teknik Bentu Instrumen Kunci Jawaban
k
dahar ogé meunang ngahaminan
ngan aya tata baé, atawa
kramana. Jéntrékeun! ngadu’ana luyu
5. Kudu kumaha lamun jeung agamana
urang disuguhan masing-masing.
dahar? 4. Meunang, tapi
6. Lamun nginum, kudu walatra,
kumaha tata ulah diborong ku
kramana? sorangan.
Obrolanana
kudu nu populér
jeung
pikagumbiraeun.
5. Sabisa-bisa
dahareun anu
dina piring teh
kudu beak
6. ulah diregot
sakaligus béak
Dapat memperbaiki Lisan Unjuk Baca deui eta paguneman Gumantung
atau menyempurnakan Kerja kalawan lentong anu kamampuh siswa
pembacaan teks bener tur merenah!
percakapan

……………., Juli 20..


Mengetahui Guru Mata Pelajaran,
Kepala Sekolah,

............................. .............................
NIP. ............................. .............................
LAMPIRAN 1
BAHAN AJAR

A. MACA WACANA PAGUNEMAN

Maca paguneman nu hadé kudu luyu jeung kaédah maca. Di antarana kudu bener tur béntés
ngucapkeun kecap-kecapna, merenah lentongna, sedeng sorana sarta dilengkepan ku
ngajiwaan kana maksud éta paguneman.
Kalimah anu eusina kabungah, macana kudu marahmay. Sabalikna mun eusina pikasediheun,
macana kudu saperti nu sedih.

Pék baca paguneman di handap kalawan hadé lentongna!


Di hiji kelas, Ibu guru mingpin diskusi ngeunaan tata krama.
Ibu Guru : “Acara ayeuna nyaéta ngabahas perkara tata krama waktu dahar. Lega pisan
ambahanana mah. Urang watesan baé, nyaéta tata krama dahar dina korsi
nyanghareupan méja makan.”
Ani : “Naon baé nu kedah diperhatoskeun waktos tuang sasarengan téh ?”
Ibu Guru : “Loba jeung rupa-rupa anu kudu diperhatikeun teh. Urang kudu nyaho saha-sahana
anu kudu meunang panghormat teh.”
Dani : “Saha bae Bu nu kedah kenging panghormat teh? Upami teu lepat mah, anu
sarumpingna teh seueur, tiasa langkung ti duaan atanapi tiluan?”
Ibu Guru : “Anu kudu meunang panghormat téh nyaéta anu sakira umurna leuwih kolot ti
urang, atawa jalma sémah anu can pati wawuh. Carana urang ulah miheulaan diuk.
Urang kudu ngamanggakeun calik éta tamu téh dina jajaran korsi anu disadiakeun.”
Yanti : “Upami badé prak tuang téh kedah ngadu’a heula atanapi henteu ? Kumaha
ngadu’ana upami anu sarumping téh teu saagama?”
Ibu Guru : “Komo bae perelu ngadu’a mah. Carana mah nurutkeun urang Islam baé. Anu
séjénna mah sina ngahaminan baé, atawa ngadu’ana luyu jeung agamana masing-
masing.”
Genyas : “Dupi tata krama cara calik dina korsi bari mayunan méja kumaha, Bu ?”
Ibu Guru : “Kieu geura. Hidep diuk dina korsi téh kudu tartib, sopan jeung merenah. Tungtung
korsi anu didiukan kudu rada nyodor saeutik handapeun meja, sikep badan kudu
ajeg, dampal suku kana ubin, leungeun teu kudu sidakep, dina pangkuan baé. Lamun
keur dahar, sabisa-bisa siku ulah naleukeum kana méja.”
Ani : “Saha Bu nu kedah pangpayunna tuang téh ?”
Ibu Guru : “Teu sopan paheula-heula dahar téh, malah ulah miheulaan dahar, lamun enggeus
dimanggakeun kakara urang dahar.”
Yanti : “Kénging atanapi henteu ngobrol nuju tuang ?”
Ibu Guru : “Meunang, tapi kudu walatra, ulah diborong ku sorangan. Obrolanana kudu nu
populér jeung pikagumbiraeun. Kurang hadé ngobrolkeun nu gering, anu maot, anu
dioprasi, anu kacilakaan, jeung nu pikageuleuheun”
Dani : “Aya kabiasaan tuang teh tara diseepkeun, kumaha éta téh Bu ?”
Ibu Guru : “Sabisa-bisa dahareun anu dina piring teh kudu béak. Tapi peupeujeuh, ulah loba
teuing nyokot dahareunana. Kira-kira baé, sacukupna.”
Genyas : “Dupi cara ngaleueut cai dina gelas aya tata kramana Bu ?”
Ibu Guru : “Tangtu baé, ulah diregot sakaligus béak. Sesakeun caina saeutik. Sigana urang
cukupkeun sakieu heula, engké urang tuluykeun deui.”
LAMPIRAN 2
LEMBAR KERJA SISWA

Jawab pananya ieu di handap!


1. Naon judul eta paguneman téh?
______________________________________________________________________
2. Saha nu kudu meunang panghormat téh?
______________________________________________________________________
3. Kumaha cara urang ngahormat jalma anu umurna leuwih kolot ti urang?
______________________________________________________________________
______________________________________________________________________
4. Kumaha cara ngadu’a saméméh dahar, lamu aya nu béda agama?
______________________________________________________________________
______________________________________________________________________
7. Ngobrol dina waktu dahar ogé meunang ngan aya tata kramana. Jéntrékeun!
______________________________________________________________________
______________________________________________________________________
8. Kudu kumaha lamun urang disuguhan dahar?
______________________________________________________________________
______________________________________________________________________
9. Lamun nginum, kumaha tata kramana?
______________________________________________________________________
______________________________________________________________________

B. KECAP RUNDAYAN
Rarangken hareup di- jeung ka-
Sabada hidep maca paguneman di luhur, katitén aya kecap rundayan diajak , diregot,
didiukan, diajar jeung kecap kaleresan.
Kecap diajak , diregot, didiukan jeung diajar asalna tina kecap ajak, regot, diuk jeung ajar nu
maké rarangkén hareup di-. Kecap kaleresan asalna tina kecap leres nu maké rarangkén
hareup ka-.
ka- jeung di- disebut rarangkén hareup sabab ditempatkeun di hareupeun kecap asalna.
Hidep kudu taliti, teu sakabéh di atawa ka disebut rarangkén hareup. di atawa ka anu aya di
hareupeun kecap nu nuduhkeun ngaran tempat mah lain rarangkén tapi kecap panyambung.
Contona di Majalengka, ka pasar jeung sajabana.
Kecap rundayan nu maké rarangkén hareup di- nuduhkeun kecap pagawéan anu dihaja.
Sabalikna kecap nu maké rarangken hareup ka- nuduhkeun kecap pagawéan nu teu dihaja.
Contona : 1. Jambu téh keur diala ku Murdani.
2. Jambu nu ngagolér ditincak ku manéhna.
UJI KOMPETENSI
Jieun omongan maké kecap-kecap anu dirarangkénan ku rarangkén hareup di- jeung ka-!
1. didéngé
_________________________________________________________________________
_________________________________________________________________
2. kadéngé
_________________________________________________________________________
_________________________________________________________________
3. dicandak
_________________________________________________________________________
_________________________________________________________________
4. kacandak
_________________________________________________________________________
_________________________________________________________________
5. ditajong
_________________________________________________________________________
_________________________________________________________________
6. katajong
_________________________________________________________________________
_________________________________________________________________
7. ditingal
_________________________________________________________________________
_________________________________________________________________
8. katingal
_________________________________________________________________________
_________________________________________________________________
9. ditulis
_________________________________________________________________________
_________________________________________________________________
10. katulis
_________________________________________________________________________
_________________________________________________________________

Anda mungkin juga menyukai