Anda di halaman 1dari 5

KHUTBAH IDIL FITRI TAHUN 2021 / 1442 H

Oleh : Ustd. Wawan Abdul Rojaq


Masjid Jamie Al-Furqon

SILIH LUBARKEUN TINA KASALAHAN.

‫اَل َّسالَ ُم َع َل ْي ُك ْم َو َرحْ َم ُة هللا َو َب َر َكا ُت ُه‬


‫ هللَا ُ اَ ْك َب ُر‬. ‫ هللَا ُ اَ ْك َب ُر َو هلل ْال َحمْ ُد‬. ‫ اَل ِا َل َه ِاالَّ هللاُ َوهللاُ اَ ْك َب ُر‬. )9×( ‫هللَا ُ اَ ْك َب ُر‬
ُ‫ دَ ه‬# ْ‫ َه ِااَّل هللاُ َوح‬#‫ اَل ِا َل‬.ً ‫هللا ب ُْك َر ًة وَّ اَصِ يْال‬ ِ ‫ان‬ َ ‫ َو ُسب َْح‬.‫َك ِبيْرً ا وَّ ْال َحمْ ُد هلل َك ِثيْرً ا‬
ُ‫ اَل ِا َل َه ِااَّل هللا‬. ُ‫اب َوحْ دَ ه‬ َ ‫ص َر َعبْدَ هُ َواَ َع َّز ُج ْندَ هُ َو َه َز َم االَحْ َز‬ َ ‫دَق َوعْ دَ هُ َو َن‬ َ ‫ص‬ َ
ْ‫ ُد هلل الَّ ِذي‬# ْ‫ اَ ْل َحم‬. ‫ا ِفر ُْو َن‬##‫ر َه ْال َك‬# ِ #‫و َك‬#ْ #‫َو اَل َنعْ ُب ُد ِااَّل ِايَّاهُ م ُْخلِصِ ي َْن َل ُه ال ِّدي َْن َو َل‬
ُ‫ ُّق ْالم ُِبيْن‬##‫ك ْال َح‬ ُ ِ‫ اَ ْش َه ُد اَنْ اَّل ِا َل َه ِااَّل هللاُ ْال َمل‬. ‫اَ َع َّد ْال َج َّن َة لِلصَّا ِئ ِمي َْن ْالم َُز ِّكي َْن‬
‫ ِّل‬# ‫ص‬ ً #‫د اَنَّ َسيِّدَ َنا َو َن ِب َّي َنا م َُح َّم ًدا َع ْب ُدهُ َو َرس ُْولُ ُه َرحْ َم‬#ُ ‫َواَ ْش َه‬
َ ‫ اَللَّ ُه َّم‬. ‫ ا َل ِمي َْن‬#‫ة ل ِْل َع‬#
‫اب ِع‬#ِ #‫ َح ِاب ِه َوال َّت ِاب ِعي َْن َو َت‬# ‫ص‬ْ َ‫ ِه َوا‬# ِ‫ا م َُح َّم ٍد وَّ َع َلى َءال‬##‫ ِّي ِد َنا َو َم ْواَل َن‬# ‫لِّ ْم َع َلى َس‬# ‫َو َس‬
‫ َّق‬#‫هللا َح‬ َ ‫وا‬#ْ #ُ‫هللا َر ِح َم ُك ُم هللاُ ِا َّتق‬ ِ َ‫ اَمَّا َبعْ ُد َف َيا عِ َباد‬. ‫ْن‬ ِ ‫ال َّت ِاب ِعي َْن ِا َلى َي ْو ِم ال ِّدي‬
‫د‬#ْ #‫ َق‬: ‫رَّ ِجي ِْم‬##‫ان ال‬ ِ ‫ْط‬ َ ‫هلل م َِن ال َّشي‬ِ ‫ذ ِبا‬#ُ ‫ اَع ُْو‬. ‫ُت َقا ِت ِه َواَل َتم ُْو ُتنَّ ِااَّل َو اَ ْن ُت ْم مُسْ لِم ُْو َن‬
‫اَ ْف َل َح َمنْ َت َز َّكى‬
“ Saenyana bagja pisan jalma anu geus nyucikeun dirina “. { QS. Al-A‘la,
ayat 14 }

Allohu Akbar, Allohu Akbar, Allohu Akbar, walillahilhamd


Hadirin Jama’ah Shalat `Ied Rahimakumullah!
Cunduk waktu nu di tunggu-tunggu, sapagados waktos anu di antos-antos,
pasini wanci anu di anti-anti, kabungah anu bungagah sarta ka genah
manah tiba nepangan urang sadaya nyaeta idul fitri.
Durugdugana sora bedug, awon jeung saena sora-sora anu munajat,
ungkapan ngagungkeun asma Alloh anu maha kawasa ku ucapan Takbir,
Tahmid, tahlil jeung liana anu teu kemdat-kendat ti tadi peuting

KHUTBAH IDUL FITRI 1442 H | OLEH : UST. WAWAN ABDUL ROJAQ 1


ngagambarkeun rasa ka bungah anu taya papadana, mudah-mudahan sing
jadi tanda syukur ka Alloh SWT.
Allohu Akbar, Allohu Akbar, Allohu Akbar, walillahilhamd
Hadirin Jama’ah Shalat `Ied Rahimakumullah!
Gumuruhna sora takbir, tahlil sareng tahmid nu kumandangkeun
ku sakumna muslimin ti kawit surup panonpoe dinten kamari dugika imam
unggah kana mimbar bade khutbah, estu matak nyentug kana kalbu,
ngagugah kana rasa, sumarambah kana bayah, emutan janten cus-cos
kaditu kadieu, aya rasa haru sareng waas, akhirna teu karaos panon rembey
ku ci soca dugika ngeclakna. Eta keclak cisoca aya nu karana manahna
kaliputan ku rasa kabingah, tapi aya oge karana rasa nalangsa sareng sedih.
Anu ngaraos sedih kumargi lebaran ayeuna mah teu sapertos
lebaran taun kamari. Lebaran taun ayeuna teu disarengan sareng jalmi-
jalmi anu dipikacinta, naha ibu, rama, dulur, caroge atanapi nu janten bojo,
kumargi aranjeuna tos teu aya dikieuna, tos dipundut ku Nu Maha Kawasa,
mulih ka jati mulang ka asal, tos aya di alam barzakh. Tapi muga-muga
bae aranjeunna sing aya dina kanyaah sareng pangapunten Gusti Allah,
ditampi naon rupi amal kasaeanana, ditempatkeun dina tempat anu mulya
disisi Allah SWT. Kanggo urang sadaya nu janten kulawargana muga-
muga ku dikantunkeun ku aranjeunna sing janten pepeling { tadzkiroh },
yen hirup manusa di alam dunya sakadar pupulasan tapi bakal nyandak
balukar balitungan anu beurat isukan di akherat.
Anu ngaraos bungah dumeh tos salamet rengse ngajalankeun
pancen anu suci, jihad ngalawan hawa napsu, ujian anu beurat tapi mulya.
Bungah dumeh tos dipasihan hidayah taopek ku Gusti Allah sahingga tiasa
ngarengsekeun kawajiban ibadah shaom disarengan harepan ditampi ku
Mantenna sarta tiasa ngalap hikmahna tina ngalaksanakeun ibadah shaom.
Pidawuh Gusti Allah SWT:

‫ِك َف ْل َي ْف َرح ُْوا قلى ه َُو َخ ْي ٌر ِّممَّا َيجْ َمع ُْو َن‬
#َ ‫هللا َو ِب َرحْ َم ِت ِه َف ِب َذال‬
ِ ‫قُ ْل ِب َفضْ ِل‬
“ Bejakeun ku hidep ( Muhammad ) ! ku pedah karunia sareng rohmat-Na
, nya margi eta sawadina maranehna saruka bungah. Eta langkung sae
batan saniskara anu ku maranehna dikarumpulkeun ".{ QS.Yunus, ayat
58 }.

KHUTBAH IDUL FITRI 1442 H | OLEH : UST. WAWAN ABDUL ROJAQ 2


Hadirin, Jamaah Shalat `Id, Anu Mulya !
Dinten ieu dintenan lebaran, dinten munggaran ngawitan
lembaran enggal saparantosna latihan ngendalikeun nafsu syahwat sasasih
lamina di bulan Ramadlan. Dina munggaran sasih ayeuna urang kedah
tiasa beberesih diri tina sadaya dosa, boh dosa ka Gusti Allah oge dosa ka
sasama, sadaya kalepatan anu dihaja atanapi teu dihaja.
Dosa hak Allah anu janten kawajiban urang kahade masing taliti,
tangtos masih seueur kawajiban anu kakantun, piwarangan Gusti Allah
anu teu acan kalaksanakeun, seueur cegahana-Na anu masih resep
dirumpak; enggal istighfar, tobat, nyuhunkeun pangampura ka Gusti Allah,
tingalikeun rasa hanjakal, sarta niat moal nguihan deui kana eta dosa, bilih
eta dosa kacandak maot, sing yakin Gusti Allah nu jembar pangampura
baris ngahapunten ka hamba-Na anu leres-leres tobat. Pidawuh Nu Maha
Suci:

‫ذ ُن ْو ِب ِه ْم‬#ُ #ِ‫ َت ْغ َفر ُْوا ل‬#‫اس‬ َ ‫ ر ُْوا‬#‫ ُه ْم َذ َك‬#‫وا اَ ْنفُ َس‬#ْ #‫ ًة اَ ْو َظ َل ُم‬#‫ِش‬
ْ ‫هللا َف‬ َ ‫ َفاح‬#‫ْن ا َِذا َف َعلُ ْوا‬#َ ‫َوالَّ ِذي‬
‫ب ِااَّل هللاُ قلى َو َل ْم يُصِ رُّ ْوا َع َلى َما َف َعلُ ْوا َو ُه ْم َيعْ َلم ُْو َن‬ ُّ ‫قلى َو َمنْ ي َّْغ ِف ُر‬
َ ‫الذ ُن ْو‬
“ Jeung jalma-jalma anu dina mangsa ngalampahkeun kajahatan atawa
nganiaya dirina sorangan buru-buru maranehna inget ka Allah, sarta terus
menta dihampura tina dosa-dosa; Jeung naha lain taya deui nu ngahampura
dosa salian ti Allah ?, jeung maranehna henteu tonggoy dina kagorengan
anu dilampahkeunana bari jeung maranehna nyaraho ". { QS. Ali Imron,
ayat 135 }.
Salajengna dosa ka hak adami, dosa sareng sasama, nu dihaja
atanapi teu dihaja, ieu oge kedah diberesihan. Pidawuh Gusti Allah :

‫َق ْد اَ ْف َل َح َمنْ َت َز َّكى‬


“ Saenyana bagja pisan jalma anu geus nyucikeun dirina …. “. { QS. Al-
A‘la, ayat 14 }
Nyuhunkeun hampura ka indung nu ngakandung ka bapa nu
ngayuga, dulur nu sok nulungan, ka guru nu mituturan, tatangga sareng
baraya nu sok ngabela. Tegesna ka sakur jalmi nu osok ngayakeun
hubungan dina kahirupan. Komo mun nyata-nyata urang pernah
nganyenyeri atanapi ngadolim ka salah saurang anu disebatan nembe.
Urang kedah leres-leres nyuhunkeun hampura ka jalmi anu pernah di
KHUTBAH IDUL FITRI 1442 H | OLEH : UST. WAWAN ABDUL ROJAQ 3
dolim atanapi dinyenyeri sareng mulangkeun barangna nu pernah didolim.
Sahingga dina lengkah anu munggaran sasih syawwal ayeuna urang tos
beresih tina sagala dosa, rereged hak adami.
Dosa-dosa ka Gusti Allah sareng kasasama anu teu aya
pangampura, teu acan aya ridona, teu acan aya kecap ngahampura; ieu
tiasa janten salah sahiji sabab kana ancur sareng paburantakna kahirupan,
boh pribadi atanapi anu janten turunan, kulawaraga, atanapi masyarakat.
Kukituna, teu kenging ngaraos beurat nyuhunkeun hampura ka jalmi anu
pernah didolim, teu kenging koret masihan hampura ka jalmi-jalmi nu
pernah ngawiwirang, pernah nganyenyeri, pernah ngarengkas sahingga
gagal cita-cita. Ngahapunten disarengan manah clik putih clak herang, teu
aya dendam, teu aya ngunek-ngunek, dugika bebas teu aya gantar
kakaitan. Urang sadaya teu kenging ngaluluhuran Gusti Allah dina jembar
pangampura ka hamba-Na.
Ganjaran shaom ulah diancurkeun alatan teu aya kahoyong hirup
beres sareng papada kaula ukur ngabelaan harga diri anu sanes dina
pernahna. Naon rugelna nyuhunkeun hapunten ka batur, naon untungna teu
ngahapunten kalepatan batur. Ku nyuhunkeun hampura moal ragrag harga
diri, ku teu ngahampura moal naekkeun martabat diri. Komo upami ieu
kalakuan ninggang di jalmi nu kasebatna jalmi ngartos; pupuhu, sepuh
atanapi anu dipisepuh dilingkunganana, upami kitu berarti elmu nembe
sakadar papaes anu moal nyandak kasalametan, margi hatena, masih
diliputan ku kokotor dosa.
Upami tos beresih tina dosa-dosa, naha hak ka Allah oge hak ka
papada kaula, ageung harepan janten cukang lantaran Gusti Allah
ngalancarkeun sadaya jalanna pancen, tangginas kana amal sholeh sareng
ibadah ka Mantena, sarta beres-roesna kahirupan diri sareng kulawarga
urang sadaya.
Hadirin , Rahimakumullah ! .
Pamungkas, Keclakna cisoca urang dina dintenan lebaran ayeuna
muga-muga mangrupi keclak cisoca tobat ka Gusti Allah, sadar kana
kakaliruan-kakaliruan anu tos dilakukeun, keclak cisoca anu leres-leres
janten ngaleuleuskeun hate urang sadaya sahingga siap ngarobah kalakuan
anu teu sae janten sae, tiasa ningkatkeun ajen kaimanan ka Allah sareng

KHUTBAH IDUL FITRI 1442 H | OLEH : UST. WAWAN ABDUL ROJAQ 4


kayakinan ka alam akherat tempat balesan sagala amal salami hirup di
alam ayeuna.
Ya Allah, Sayaktosna abdi sadaya ngagaduhan padamelan dosa-
dosa antawis abdi sadaya sareng Gusti sareng padamelan dosa-dosa
antawis abdi sadaya sareng makhluk Gusti !. Ya Allah, Dosa naon bae ka
Gusti, mugi Gusti ngahapunten ka abdi sadaya !. Sedeng dosa antawis abdi
sadaya sareng makhluk Gusti, mugi Gusti mikul tina eta dosa ti abdi
sadaya !. Mugi Gusti ngajembarkeun abdi sadaya kalawan nugraha Gusti.
Sayaktosna Gusti Anu Maha Jembar Pangapunten !.
Muga-muga Gusti Allah nampi ibadah shaom urang sadaya
sareng ibadah-ibadahna anu sanesna sarta ngahapunten kakirangan sareng
kalepatanana, sahingga urang sadaya dijantenkeun ti rengrengan jalmi-
jalmi anu mulih kana kasucian sareng anu baragja. Amin !.

‫م َِن ْال َعا ِئ ِدي َْن َو ْال َفائ ِِزي َْن َت َق َّب َل هللاُ ِم َّنا َو ِم ْن ُك ْم َو اَ ْن ُت ْم ِب َخي ٍْر ِفيْ ُك ِّل َع ٍام‬
ِ ‫هللا لِيْ َو َل ُك ْم َو ل َِج ِمي ِْع ْالمُسْ لِ ِمي َْن َو ْالمُسْ لِ َما‬
‫ت‬ َ ‫هذا َواسْ َت ْغ ِف ُر‬ َ ْ‫اَقُ ْو ُل َق ْولِي‬
‫ِا َّن ُه ه َُو ْال َغفُ ْو ُر الرَّ ِح ْي ُم‬

KHUTBAH IDUL FITRI 1442 H | OLEH : UST. WAWAN ABDUL ROJAQ 5

Anda mungkin juga menyukai