Anda di halaman 1dari 1

Dimas Wishal Al Gifari

XII IPS 4

09

Teks Bahasan
Angklung

BUBUKA
Angklung mangrupakeun sala sahiji alat musik has tradisional nu asalna ti jawa
barat, nu nyebar di sakumna balarea dimasyarakat pasundan. Angklung di jieuna
tina bahan dasar awi.
Mun ditilik tina sejarahna, angklung nu aya di daerah sukabumi jawa barat, didinya
aya sala sahiji prasasti taun 1930, di prasasti eta dijentrekeun yen aya sababaraha
pamadegan ngeunaan kana asal muasal seni angklung nu aya di masyarakat sunda.
Perkara ieu nandakeun bukti budaya yen sumebarna kasenian angklung teh leuwih
ngarata di daerah jawa barat tatar pasundan.

EUSI
Sanajan kitu, dina kanyataana mah aya sababaraha daerah diluar tatar sunda nu
ngabogaan alat musik sarupaning jeung angklung nu bisa dipanggihan di tradisi di
masyarakatna, saperti misalna angklung di Ponorogo, Bali, Madura, jeung
Kalimantan Barat.
Ilaharna, alat musik tradisional angklung mimitina mah ngabogaan pungsi keur
ngiringan upacara atawa ritual nu dilakukeun masyarakat sunda baheula. Ritual ieu
biasana di ayakeun ngenaan kana tatanen, nu mangrupakeun wangun rasa sukur
jeung panghormatan ka dewi Sri. Upacara ieu mangrupakan wangun kapercayaan
masyarakat nu masih kajaga keneh di sababaraha patempatan di jawa barat nepi ka
kiwari.

PANUTUP
Salain pungsi utamana, di jaman ayeuna mah angklung teh lain saukur di pake
ajang upacara atawa ritual adat wungkul, sabab ayeuna mah angklung teh geus
mekar nuturkeun jaman, nepi ka bisa dipungsikeun salaku alat keur ngiringan di
rupa-rupa acara sapertia jadi alat keur ngiringan orkestra, kasenian, teater, acara
khitanan, hajatan, arak-arakan, jeung jadi bahan pangajaran di sakola, gumantung
kana jenis angklungna

Anda mungkin juga menyukai