Anda di halaman 1dari 2

PAGUNEMAN

Paguneman nyaeta kagiatan percakapan nyarita dua arah anu silih


tempas. Jalma anu kalibet dina paguneman bisa duaan bisa oge leuwih ti
duaan. dina paguneman aya nu jadi panyatur (nu nyarita) jeung aya nu
jadi pamiarsa ( nu ngaregepkeun ). Peran eta teh bisa bulak balik silih
gantian nu penting mah aya hubungan timbal balik antara panyatur
jeung pamiarsa, syarat terjadina interaksi antara panyatur jeung
pamiarsa nyaeta aya objek obrolan jeung omongan nu make bahasa nu
dipikaharti ku duanana. nu kitu teh di sebut pola paguneman

Ragam hormat jeung Ragam loma

dinu paguneman urang sunda sok dibedakeun paguneman sareng jalma


nu di pihormat jeung paguneman sareng rerencanngan, beda na di nu
lagam na diantarana :

1. Ragam hormat

Ragam hormat nyaeta ragam bahasa nu dipake pikeun nunjukeun rasa


hormat ka jalma nu di ajak ngobrol, biasana make bahasa nu halus

misal

" Ki, nu ditaroskeun ku abdi mah sajarahna talaga bandung sanes


sangkuriang "

2. Ragam loma

Ragam loma nyaeta ragam bahasa nu dipake jang berkomunikasi dinu


lingkungan pergaulan nu tos akrab tapi tetep dinu suasana anu sopan.

misal

" Ngarti ki, ngan kumaha terusna tah talaga bandung teh?"

Harti leksikal jeung harti gramatikal

1. harti leksikal
Harti leksikal nyaeta harti nu sesuai dina kamus nu ajeg jeung teu patali
jeung struktur katana

misal :

kecap leksikal    : sapu


Harti leksikal      : alat / pakakas paranti nyapu

2. harti gramatikal

harti gramatikal nyaeta harti nu berubah - ubah nu sesuai jeung


konsteks/ struktur kecap na

misal

kecap gramatikal      : Sasapu


harti gramatikal         : mersihan make sapu

PANCEN :
Pek jieun Paguneman ku hidep, meunang jeung babaturan, jeung guru
atawa saha bae, minimal 10 kalimat tanya jeung jawabanna.

Kumpulkeun poe isuk sabtu tgl : 26 Juli 2020


DITULIS DINA BUKU HIDEP ATAWA MEUNANG DITIK

Anda mungkin juga menyukai