Anda di halaman 1dari 14

PANGAJARAN 3

PANUMBU CATUR

1. Identitas
a. Nama Mata Pelajaran : Basa Sunda
b. Kelas/Semester
Kompetensi Dasar : XI/Ganjil
c.
3.1 Menganalisis isi, struktur dan aspek kebahasaan teks memandu catur dalam
c. berdiskusi
kegiatan

4.3 Mendemonstrasikan memandu catur dalam kegiatan diskusi, debat, dan


sejenisnya yang sesuai dengan konteks penggunaan bahasa

d. Indikator

Membaca contoh teks panumbu catur dan mencermati kaidah-kaidah

Mencari dari berbagai sumber informasi tentang prosedur panumbu catur


sesuai dengan kaidah-kaidahnya

e. Materi Pokokk : Biantara


f. Alokasi Waktu : 2 x 8 Pertemuan
g. Tujuan Pembelajaran

Setelah selesai mempelajari materi pada bagian ini, peserta didik diharapkan dapat
menjelaskan isi, struktur, aspek kebahasaan teks panumbu catur dalam kegiatan
diskusi rapat, debat, dan sejenisnya, serta mampu mendemonstrasikan sebagai
panumbu catur dalam kegiatan diskusi, rapat, debat, dan sejenisnya yang sesuai
dengan konteks penggunaan bahasa
H
idep tangtu kungsi ngalaksanakeun kagiatan sawala. Kagiatan sawala atawa diskusi téh
réa jenisna, kayaning kongrés, seminar, panel, debat, jeung sajabana. Dina kagiatan
sawala diperlukeun
nu ngatup disebut panumbu catur. Panumbu catur atawa istilah séjén sok disebut moderator
miboga peran anu kawilang penting. Pancén panumbu catur nyaéta pikeun ngatur lumangsungna
sawala sangkan lancar.
Panumbu catur kudu bisa ‘ngahirupkeun suasana’ nepi ka sawala téh jadi hégar, henteu
“ngeuyeumbeu” atawa henteu monoton. Pancén ngawanohkeun pangjejer ka pamilon, ku cara
macakeun biodata pangjejer atawa nu sok disebut curriculum vitae (CV).
Ari maksudna mah sangkan pangjejer téh ulah aya kesan nikukur atawa nabeuh manéh.
Salian ti ngawanohkeun pangjejer ka pamilon, panumbu catur ogé boga wewenang nangtukeun
lilana waktu nu diajangkeun pikeun pangjejer keur ngadadarkeun bahasanana, kaasup nangtukeun
(nunjuk) saha anu baris meunang giliran pikeun nyarita atawa nanya. Tah, sabada réngsé pangjejer
ngaguar pedaranana, biasana sok ditéma ku acara sawala (tanya jawab). Nya lebah dieu pisan
panumbu catur téh baris diperlukeunana jeung baris diuji katapisna dina ngatur lumangsuna
sawala. Contona dina wacana ieu di handap.

BACAAN
sababaraha urang sarta sing merenah lentongna. Tangtukeun saha anu jadi panumbu catur, panyatur 1, 2,
jeung 3, sarta aya anu jadi pamilon!

Panumbu catur : Assalamu’alaikum warrahmatullahi wabarakaatuh


Wilujeng Siang,
Sampurasun,
Sadérék sadayana, danget ieu simkuring kapapan- cénan janten
panumbu catur sawala kelompok anu badé dijejeran ku
Kelompok VII.
Anu badé dipedar ku Kelompok VII ayeuna perkawis mangpaat
témpé pikeun kaséhatan. Nanging sateu- acan kelompok VII
ngadugikeun matérina, simkuring badé ngawanohkeun anggota
kelompok saurang- saurangna. Anu palih tengen, Sadérek Dana,
anu palih tengah Sadérék Dani, sareng anu palih kiwa sadérék
Dini. Anu mancén janten notulén nya éta sadérék Dina
gédéngeun simkuring. Sadérék sadayana, su- pados teu
nyangkolong kana waktos, mangga ka sadérék Dana, Dani,
sareng Dini kanggo ngadugikeun matérina.

Penyatur 1 (Dana) : Hatur nuhun ka Sadérérék Danu anu parantos maparinan waktos ka
simkuring kanggo ngadugikeun matéri perkawis mangpaat témpé
pikeun kaséhatan. Sadérék, simkuring badé ngawitan medar tina rupi-
rupi olahan témpé, di antawisna aya témpé goréng, témpé beuleum,
témpé bacem, oséng témpé atawa sambel goréng témpé, kiripik
témpé, goréngan témpé, jeung rupa-rupa olahan séjénna. Éta anu
ditataan téh ngan sabagian leutikna. Tangtuna waé réa deui olahan
séjénna.
Panumbu catur : Tah kitu saur Sadérék Dana mah. Salajengna anu baris ngadugikeun téh ku
penyaji 2. Kinten-kinten naon anu baris didugikeunana, mangga
urang barandungan.

Panyatur 2 (Dani) : Simkuring baris ngadugikeun pamanggih sawatara urang ahli anu parantos
nalungtik perkawis rusiah gizi jeung nutrisi nu aya dina témpé.
Sakumaha anu didugikeun ku Prof. H. Unus Suriawiria, ahli
kadaharan ti ITB, nétélakeun yén 1) saméméh diolah jadi témpé, kacang
kadeléna ngandung protéin, lemak, karbohidrat, mineral, jeung vitamin;
2) sabada diolah jadi témpé kalawan bantuan ragi témpé, ngandung
protéin, asam amino, mineral, vitamin (A, B12, jeung C), antibiotika
(pangpangna anti bakteri), antivirus, zat nu ngatur awak, antioksidan,
jeung lasetin. Dina lasetin aya sanyawa anu bisa nyengker atawa
nyageurkeun panyakit jantung koroner (PJK).

Panumbu catur : Sadérék sadayana, nembé sadérék Dani parantos ngadugikeun


perkawis rupa-rupa kandungan senyawa kimia anu aya dina
témpé. Salajengna mangga urang sami-sami dangukeun penyaji
anu ka- 3, nya éta sadérék Dini. Kinten-kinten naon anu baris
didugikeunana, mangga urang barandungan.

Panyatur 3 (Dini) : Sadérék simkuring mah mung badé ngadugikeun kasauran Prof. Unus Suriawiria,
saurna dina sajaba ti témpé téh seueur kénéh kadaharan séjénna anu
gedé mangpaatna pikeun kaséhatan awak urang anu moal éléh ku
kadaharan-kadaharan impor. Urang ulah teuing kabongbroy ku kadaharan
saperti “makanan cepat saji” atawa fast food téa. Nu matak pantes
lamun aya anu méré julukan kadaharan urang Sunda mah ‘opat séhat lima
sampurna’. Ngan kiwari can kapaluruh kabéh. Nu matak kadaharan
urang nepi ka kiwari can réa anu ngalanglang dunya.

Panumbu catur : Sadérék sadayana, penyaji ka-1 nepi ka-3 tos ngadugikeun pedaranana.
Tah salajengna bilih ti para

sadérék aya anu teu acan jelas, dipaparin waktos kanggo


ngadugikeun patalékanana. Atuh ayeuna mah mangga ka para
sadérék dihaturanan kanggo ngadugikeun rupa-rupa pananya
atanapi saran ka kelompok VII.

Pamilon : Langkung ti payun simkuring ngahaturkeun nuhun parantos dipaparinan


waktos kanggo tumaros. Anu badé ditaroskeun ka réngréngan panyatur ti
kelompok VII téh nya éta naon waé kadaharan séjénna anu sarua bahanna
tina sabangsaning kacang-kacangan?

Panumbu catur : Tah kitu patarosanana téh. Kadaharan naon waé saurna anu
bahanna dijieun tina kacang-kacangan? Mangga waleranana
mah nyanggakeun ka Kelompok VII!

Panyatur 1(Dana) : Kadaharan anu saéjénna sajaba ti témpé téh di antarana, tahu tina kacang
kadelé, susu ogé aya nu tina kacang kadelé, oncom mah tina
sabangsa kacang suuk. Atuh nu sanésna deui sapertos dodol kacang
beureum, dodol kacang héjo, bubur kacang héjo. Éta maksadna anu
ditaroskeun ku sadérék téh?

Panumbu catur : Kumaha sadérék panaros. Waleran éta anu dimaksad ku Sadérék
téh?

Pamilon : Muhun, leres pisan. Geuning seueur nya kadaharan nu dijieun tina témpé
téh! Hatur nuhun.

Panumbu catur : Tah kitu sadérék sadayana, matéri anu dipedar ku Kelompok
VII téh. Muhun…, leres pisan, témpé téh ageung pisan
mangpaatna pikeun kaséhatan. Atuh salajengna mah urang
pungkas baé ieu sawala téh. Simkuring salaku panumbu catur
neda dihapunten bilih aya kalepatan salami mingpin ieu sawala
Sateuacan dipungkas manga urang émprak, minangka
pangwilujeng ka Kelompok VII anu tos ngaguar mangpaat
témpé pikeun kaséhatan.
Salajengna urang tutup ieu sawala kelompok téh ku aosan
hamdallah sasarengan. Alhamdu- lillahirrobil’alamiin.

PANCEN 1

JAWAB PANANYA DI HANDAP IEU


1. Nilik kana éta conto wacana, naon waé tugas panumbu catur téh?

2. Naon sababna témpé alus pikeun kaséhatan awak urang?

3. Nilik kana wacana di luhur, saha waé anu midang dina éta sawala kelompok, naon waé
tugasna?

4. Aya kandungan naon dina kacang kadelé saméméh jeung sanggeus diolah jadi témpé?

5. Naon sababna urang ulah kabongbroy ku kaolahan cepat saji?

6. Sajaba ti kacang kadelé diolah jadi témpé, kadaharan naon deui anu bisa diolah tina bahan
kacang-kacangan téh?

7. Naon anu ditepikeun ku panumbu catur saméméh sawala lumangsung?

8. Di bagian ahir saméméh mungkas sawala, naon anu ditepikeun ku panumbu catur, sarta
naha bet kitu?

9. Jelaskeun naon bédana pancén panumbu catur jeung panata acara?

10. Cing tingkeskeun ku hidep deui wacana di luhur, hususna nu di pedar ku kelompok VII!

PEDARAN

1) Panumbu catur
Istilah panumbu catur lamun dina
sawala mah hartina téh sarua jeung
moderator, nyaéta jalma anu tugasna
mingpin sawala. Saupama dina hiji
waktu hidep dipapancénan jadi
panumbu catur, dipiharep bisa
ngahirupkeun suasana
lumangsungna sawala. Panumbu
catur kudu numuwuhkeun sumanget
para pamilon ilubiung dina sawala. Sok
sanajan ragotna sawala gumantung kana
matéri anu dipedarna sarta cara pangjejer
nepikeunana,

panumbu catur ogé jadi salah sahiji aspek nu mangaruhan lancarna proses sawala. Ari anu
disebut sawala nyaéta kagiatan pikeu madungdengkeun hiji masalah anu dianggap penting ku
para pamilonna sarta ngahasilkeun hiji kacindekan.
1) Tugas Panumbu Catur

Naon ari tugas panumbu catur? Tugas panumbu catur anu utama nyaéta ngatur
lumangsunga sawala, ti mimiti muka nepi ka nutup. Geura tengetan deui pokpokan panumbu
catur anu dina sawala ieu di handap.

(a) Salam bubuka:


- “Assalamu’alaikum warrahmatullahi wabarakaatuh”
- “Wilujeng siang/sonten/wengi”
- “Sampurasun”

(b) Ngawanohkeun diri


“Sadérék sadayana, danget ieu simkuring Komar, kapapancénan janten panumbu catur
sawala kelompok. Kaleresan anu badé midang téh Kelompok VII”.

(c) Nyebutkeun jejer materi sawala:


“Jejer anu baris dipedar ku Kelompok VII ayeuna perkawis “Mangpaat Témpé pikeun
Kaséhatan.”

(d) Ngawanohkeun pangjejer:


“Sateuacan kelompok VII ngadugikeun materina, simkuring badé ngawanohkeun anggota
kelompok saurang-saurangna. Anu palih tengen, nya éta Sadérek Dana, anu palih tengah
Sadérék Dani, sareng anu palih kiwa sadérék Dini. Anu mancén janten notulén nya éta sadérék
Dina gédéngeun simkuring.”

(e) Ngamimitian sawala:


“Sadérék sadayana, supados teu nyangkolong kana waktos, mangga ka sadérék Dana, Dani,
sareng Dini kanggo ngadugikeun matérina.”

(f) Méré waktu ka pamilon sawala pikeun nepikeun saran, usul atawa pananya:
“Sadérék sadayana, penyaji ka-1 nepi ka-3 tos ngadugikeun pedaranana. Tah salajengna bilih ti
para sadérék aya anu teu acan jelas, dipaparin waktos kanggo ngadugikeun patalékanana.

PANCEN 2
Benerkeun sakur kecap nu
ditulis miring ku basa Sunda nu
merenah!

\
Meureunah Teu Meureunah

1. Para Sadérék sadayana, ke-


lompok VII ayeuna badé ngabahas
permasalahan yang ber-
hubungan dengan mangpaat
témpé pikeun kaséhatan.

2. Nanging sateuacan kelompok


VII menyampaikan materina,
simkuring bade ngenalkeun
saurang-saurangna.

3. Penyaji aya tiluan, nya éta 1)


Sadérek Dana, 2) sadérék Dani,
3) sadérék Dini. Anu kabagéan
pancén janten notulén nya éta
Sadérék Dina.

4. Atuh simkuring Danu bertu-


gas sebagai moderator. Sa-
dérék semuanya, agar
teu
nyangkolong kana waktos,
mari kita perhatikan barengan.
5. Simkuring baris menyampaikan
pendapat beberapa urang ahli
anu parantos meneliti perkawis
rusiah gizi jeung nutrisi.

ASPEK KEBAHASAAN

Istilah Wanci

Kacep wanci hartina sarua jeung mangsa. Duanana nuduhkeun waktu.


Geura tengetan sempalan wacana ieu di handap

Salam bubuka:
- Assalamu’alaikum warrahmatullahi
wabarakaatuh
- Wilujeng siang/sonten/wengi
- Sampurasun

Dina sempalan salam di luhur aya ungkara wilujeng siang. Kecap siang nuduhkeun waktu
atawa wanci. Geus pada apal sajaba ti siang (beurang), aya istilah wanci séjénna, kayaning isuk-
isuk, sore, peuting, jeung subuh.
Dina basa Sunda réa pisan istilah nu patalina jeung wanci, mangsa, atawa waktu. Sajaba ti
éta deui aya istilah nu patalina jeung usum-usuman. Geura tengetan ieu di handap istilah nu patalina
jeung wanci.

1. Istilah wanci nu lumansung salila sapoé sapeuting


a. janari, wanci antara tengah peuting jeung subuh.
b. janari gedé. kira-kira ti tabuh 3 ngagayuh ka subuh.
c. janari leutik, liwat tengah peuting nepi ka tabuh 3.
d. haliwawar, haliwawar, mimiti balébat, antara tabuh 03.00-03.30)
e. balébat, udat-udat bodas beulah wétan dina waktu arék fajar, kira- kira tabuh 05.00.
f. carangcang tihang, wanci kira-kira liwat pajar, téténjoan remeng- remeng kénéh.
g. meleték srangéngé, mimiti témbong panonpoé, kira-kira tabuh 07,00
h. haneut moyan, sedeng ngeunah dipaké moyan, isuk-isuk kira-kira tabuh 8 - 9.
i. rumangsang, wanci sabada haneut moyan, kira-kira tabuh 11, panonpoé mimiti
karasa panas.
j. pecat sawed, wanci kira-kira pk. 11, waktu munding nu dipaké migawé dilaan
sawedna (dileupaskeun tina pasangan).
k. manceran, wanci tengah poé upama panonpoé aya luhureun sirah pisan, kira-kira tabuh
12.00.
l. lingsir ngulon, wanci panonpoé geus lingsir atawa ngésér ka kulon, geus liwat
tengah poé, kira-kira tabuh 14.
m. tunggang gunung, wanci, waktu panonpoé rék surup, kira-kira tabuh 16.00-17.00
n. sariak layung, waktu layung panungtungan rék reup-reupan, tabuh 17.00-18.00
o. érang-érang, wanci panonpoé rék surup, sariak layung, kira-kira tabuh 17.30-18.00.
p. sareupna, waktu kakara surup panonpoé, waktu magrib, kira-kira tabuh 18.00-18.30.
q. harieum beungeut, wanci geus méh poék, bada magrib
r. sareureuh gaang, répéhna gaang disada, kira-kira manjing isa, atawa tabuh 19.00.
s. sareureuh budak, ng. wanci, kira-kira tabuh 8 peuting, waktu barudak leutik
geus sararé
t. tumorék, tengah peuting keur sepi jempling, sok asa tarorék (kira- kira tabuh 12
peuting.

2) wanci Patalina jeung Poé


a. poé ieu
b. isukan
c. pagéto
d. kamari
e. mangkukna
f. tilu poé ka tukang

3) Waktu anu Patalina jeung Kaayaan Alam


a. usum mamaréng (maju ka usum hujan tina asalna usum halodo)
b. usum ngijih (loba hujan sanggeus halodo)
c. usum dangdarat (maju ka usum halodo tina asalna usum hujan)
d. usum katiga (usum halodo )
e. usum barat (usum gedé angina dicampur hujan)
f. usum selatan (angin ti arah wétan ka kulon)

4) Waktu anu Patalina jeung Kaayaan Masarakat


a. usum pagebug (loba jalma nu gering jeung nu maot)
b. usum sasalad (loba panyakit tur tépa)
c. usum parepok (kawin atawa nikah)
d. usum paceklik (loba kakurangan dahareun)
e. usum tigerat (paceklik)
f. usum karam (loba pibahayaeun)

6) Waktu anu Patalina jeung Kagiatan Nyawah


a. usum nyambut (usum ngagarap atawa ngawuluku)
b. usum tebar (nyieun ipukan paré)
c. usum tandur (melakkeun binih paré di sawah meunang nganglér)
d. usum ngarambét (miceunan jujukutan nu jaradi antara tangkal paré di sawah)
e. usum celetu ( cel di dieu, cel di ditu, tacan rampak)
f. usum beukah (paréna ngagedéan)
g. usum rampak (paré geus bareng buahan kabéh)
h. usum beuneur héjo (paréna aya eusian)
i. usum pibuateun (pare cukup pikeun diala/alaeun)
j. usum panén (usum ngala paré/dibuat)

7) Waktu Tatanén Ngahuma


a. usum nyacar (ngababad jujukutan jeung tangkal laleutik)
b. usum ngahuru (ngaduruk jujukutan, ngababad régang beunang nutuhan)
c. usum ngaseuk (melak binih paré)
d. usum ngoréd/ngoyos (miceunan jujukutan)
e. usum dibuat/ngétém (usum ngala paré/dibuat)

PANCEN 3

Ngalengkepan Kalimah

Eusian ku cara milih anu merenah salah sahiji tina kecap anu aya dina jero kurung ieu
kalimah di handap!

1. Lila garingna ari moé pare datang ka usum (ngijih, halodo, katiga) mah.

2. Alusna mah nancebkeun pepelakan téh lamun geus datang usum (mamareng, ngijih,
katiga)

3. Wanci sareupna atawa wanci harieum beungeut waktuna kira-kira tabuh (genep, tujuh,
dalapan) peuting.

PANCEN 4

Ieu di handap téh wanci nu patalina jeung waktu ibadah


pikeun umat Islam. Pék ku hidep tuliskeun kira-kira tabuh
sabaraha lumangsungna!

1. Waktu pajar, kira-kira tabuh …5 .

2. Waktu imsak, kira-kira tabuh … .4

3. Waktu subuh, kira-kira tabuh … 4.30.

4. Waktu duha, kira-kira tabuh … .7-10

5. Waktu méméh Lohor, kira-kira tabuh … .11

6. Waktu lohor, kira-kira tabuh … .12

7. Waktu sanggeus Lohor, kira-kira tabuh … .12.30

8. Waktu asar, kira-kira tabuh … .3,30

9. Waktu magrib, kira-kira tabuh …6 .

10. Waktu isa, kira-kira tabuh … .7

PANCEN 5

Jodokeun istilah wanci jeung usum-usuman ieu di handap!

1. Usum gedé angina dicampur hujan a) usum barat


Usum barat b) usum pagebug
2. Usum loba jalma nu gering jeung nu c) usum karaman
maot iususm pagebug d) usum nyambut
3. Usum loba pibahayaeun usum karam e) usum beukah
4. Usum ngagarap atawa ngawuluku usum f) usum pibuateun
ngagarap
g) usum ngoréd/ngoyos
5. Usum paréna ngagedéan usum beukah
h) carangcang tihang
6. Usum paré cukup pikeun diala/alaeun
i) meleték srangéngé
usum pibuateun
j) sapoé deui ka hareup
7. Usum miceunan jujukutan usum ngored
k) dua poé ka hareup
8. Wanci kira-kira liwat pajar, téténjoan
remeng-remeng kénéh. Wanci carancang l) sapoé ka tukang

tihang m) dua poé ka tukang

9. Mimiti témbong panonpoé, kira-kira n) haneut moyan


tabuh 07,00 meletek sarenge o) rumangsang
10. Isukan besok

11. Pagéto 2 hari ygakan dating

12. Kamari kemarin

13. Mangkukna 2 hari yang lalu

14. Wanci sedeng ngeunah dipaké moyan,


isuk-isuk kira-kira tabuh 8 - 9. Haneut
moyan

15. Wanci sabada haneut moyan, kira-


kira tabuh 11, panonpoé mimiti karasa
panas. Wancipecat sawed

Anda mungkin juga menyukai