Anda di halaman 1dari 2

Malika Rizkia (XII IPS 2/14)

PANCÉN DI BUMI
Mangga diajar nyusun naskah drama tina sempalan carita pondok nu judulna “Nyoblos”!

NYOBLOS
Waktos-waktos ieu, di Kampung Cikunyambut, aya sababaraha warga anu robih kalakuan,
ical jatidiri sapertos nu nuju karasukan. Ti mimiti Pa Kurdi, nu awalna kopet janten béréhan,
Ceu Isah, nu ical lotek awis jadi dikurangan hargana. Aya ogé Ceng Komar nu jadi rajin
ceramah unggal dinten, Cep Ajang nu awalna teureuh menak, tara kersa gaul, jadi jajaka
someah amis budi. Singhoreng kaganjilan eta teh geningan, ti ngawitan Raden Umar
kaserang panyawat stroke, lumpuh dugi ka teu tiasa cengkat-cengkat acan. Ku kituna, korsi
kalungguhan Tua Kampung janten kosong. Ku sabab éta, diayakeun pamilihan kanggo
nyalikanana sangkan demokratis. Ti sababaraka wagra nu nyalonkeun, dipilih opat warga nu
jadi catpung (calon tua kampung).
Dinten nyoblos
(Acara dikawitan ku sambutan ti ditu ti dieu, teu kakantun ti opat catpung.)
Aceng Komar : “Kumargi bilih nyangkolong waktos, maol bade kapapanjangan dicekapkeun
sakieu ...”, Aceng Komar mungkas pidatona saparantos nyeepkeun waktos dua jam satengah.
Salajeungna giliran Ceu Isah
Ceu Isah : (gutak-gitek gual-geol bari imut, kusiwel ngaluarkeun naskah nu diselapkeun dina
sela-sela kutang)
Warga : (surakan Ceu Isah anu keur ngaluarkeun jurus matih papadogna)
Ceu Isah :  (molohok ninggali naskah anu pagentos sareng daptar balanjaan kanggo
lotekeun.)
Ayena bagéan pidato Cep Ajang
Cep Ajang : (pidato teu ngangge naskah, dibarung reueuss sareng hormat ka sepuh, Tua
Kampung, aki, buyut, bao, dugi ka jangawareng)
Warga 1 : “Alahh, mani tatag capetang Cep Ajang mah mawa pidatona gé”
Warga 2 : “Ma’lum murangkalih berpendidikan kawantu aya teureuh ti rama”
Calon anu terahir ngadugikeun pidatona ,Cep Ajang
Cep Ajang : “.., Ku ss-sabab éta, wargi sadaya. Eee… Abdi didieu… aaaa,…”
(Kitu tuluy lantaran ngadadak kaserang demam panggung)
Wargi 3 : “Naha ai Cep Ajang bet aaa… euu… wae atuh. Teu jelas ngomong naon”
(Nyoblos dikawitan! Pasedek-sedek pada hoyong ti payun.)
Numutkeun hasil perhetangan sora, teu aya saurang oge nu nyumponan hasil sora tilu puluh
persen tina jumlah pamilih. Opat warga catpung gagal nyalikan korsi. Warga sanés teu
nyaroblos, da keretas sorana oge séép, seuseueurna mah teu sah, margi ampir sadayana
pamilih kalah nyoblos unggal catpung nu ngaharéwos palay dicoblos. Opat calon catpung
mulih kana jati dirina, mulang kana sipat asalna, candakna tikudrat.

Anda mungkin juga menyukai