Anda di halaman 1dari 4

TUGAS BAHASA SUNDA KAWIH

[06-09-2022]

KELOMPOK 2
ANGGOTA:
NAZWA PUTRI ADNAYLLA
BIDUK NAN EUREKA
NADIA FADILLAH
SANIA TASHBITA KARIN
ARSYA DAVI RAMADHAN
MUHAMMAD DYIA ULHAQ

SMKN 1 KATAPANG
[2022-2023]

• Tulis Judul, PAngarang, PENYANYI

• Judul : Mawar Bodas


• Pangarang : Darso
• Penyanyi : Detty Kurnia

• RUMPAKA

Mawar Bodas
Mapay jalan satapak (sora a)
Ngajugjug ka hiji lembur (sora u)
Henteu maliré kacapé (sora e)
Sabab aya nu ditéang (sora a)

Hujan angin, dor-dar gelap (sora a)


Taya pisan keur ngiuhan (sora a)
Sanajan awak rancucud (sora u)
Bet asa karunya teuing (sora i)

Pajar cenah asal nepi (sora i)


Ka tempat anu dituju (sora u)
Rék ngalongok mawar bodas (sora a)
Kembang nu jadi impian (sora a)

Sugan téa moal gagal (sora a)


Kembang téh aya nu boga (sora a)
Balik gé jiga horéam (sora a)
Leumpangna jiga ngalayang (sora a)

Teu disawang ti anggalna (sora a)


Teu dipikir ti tadina (sora a)
Anjeun ulah nyeuri hate (sora e)
Lantaran tacan pasini (sora i)
Néangan pipanyakiteun (sora u)
Néangan pipanyakiteun (sora u)

• Analisis Lagu

• Tema : Asmara
• Gaya Bahasa :
• Kadalon (pleonasme) ;

Mapay jalan satapak


Ngajugjug ka hiji lembur
Henteu maliré kacapé
Sabab aya nu ditéang

• Rarahulan (hiperbola) ;

Leumpangna jiga ngalayang

• Lalandian (metafora) ;

Rék ngalongok mawar bodas

Kembang téh aya nu boga

• Sindir (alegori) ;
Sanajan awak rancucud

• Purwakanti :

Catatan tos aya diluhur (dina rumpaka) ditandaan ku warna beureum

• Rasa ; nyeri hate, teungteuingeun

• PRAFASE

Eusi nu aya dina Kawih Mawar Bodas nyaeta nyaritakeun saurang lalaki anu
ngajugjug ka hiji lembur. Sanajan kudu ngaliwatan jalan satapak jeung hujan dor
dar gelap, tapi kacape jeung awak baseuh rancucut teh teu dirasa sabab eta lalaki
teh sumanget aya nu rek dituju nyaeta rek manggihan pikabogoheun. Tapi teu
disangka-sangka, anu jadi pikabogoheun teh geus aya nu boga. Kacida kuciwana eta
lalaki teh, rek balik oge jadi hoream. Tapi sanajan kitu eta lalaki teh embung
katutuluyan mikiran anu bakal pipanyakiteun. Anu jadi amanat tina kawih Mawar
Bodas teh yen umpama manggih anu pikasediheun jeung rasa kuciwa, ulah nepika
jadi katutuluyan.

Anda mungkin juga menyukai