(RPP)
B. Tujuan Pembelajaran
Tujuan Pembelajaran
Setelah proses belajar mengajar materi carita pondok dengan menggunakan model discovery
learning melalui media powerpoint, peserta didik diharapkan mampu:
1. Mengidentifikasi ciri-ciri carita pondok.
2. Memahami isi carita pondok.
3. Menganalisis unsur intrinsik dalam carita pondok.
C. Langkah-langkah Pembelajaran
D. Penilaian
1. Teknik Penilaian:
a. Penilaian sikap : observasi (jurnal)
b. Penilaian Pengetahuan : tes tertulis
A. Faktual
Teks Carpon 1
SENDAL
Wanci subuh kuring rurusuhan, rada lumpat muru ka masigit. Heueuh wé solat subuh
téh geus réngsé. Nya, kuring peuting teuing saréna, ngerjakeun pancén basa Inggris jeung
Matématika heula, jadi bisa saré téh jam 12.00. Bongan kuring talangké ngerjakeun pancén.
Sakuduna mah geus réngsé ti minggu kamari, ngan kuring keur resep maén putsal jadi poho
kana pancén sakola. Padahal wanci janari téh Ema geus ngaguguyah, tapi kuring kalah
ngaringkuk disimbut deui.
Hén, enjing mah ulah kasiangan subuh nya." Ceuk Apa bari asup ka jero imah.
"Muhun, Pa" ceuk kuring, halon. Isuk kénéh kuring indit ka sakola da sok leumpang ka sakola
téh, sanajan motor aya, mobil aya, ngan Apa mah nyaram "can 17 taun ulah waka maké
kandaraan, kudu boga sim heula." Kuring gé teu maksa hayang mawa motor da sieun dirajia
ku pulisi. Angger nu riweuh mah tangtu kolot sorangan mun enya karajia téh.
Di satengahing jalan, kuring ngarandeg nempo aya budak lalaki, hideung, jangkung
tapi leutik awakna mah, mun sakola kira-kira kelas opat SD. Mamanggul karung asup ka gang
deukeut imah pa RT. Teu kapikir rék nuturkeun éta budak, da sieun kabeurangan sakola.
Geus diniatan isuk mah moal kabeurangan subuh di masigit. Era, apan masigit téh
pentaseun imah kuring pisan. Imamna ogé Apa, ari ma'mumna kuring, Pa RT, Pa Yudi, Pa
Ahmad, Pa Narso, jeung Dani babaturan di imah, sakolana karék kelas XI. Ngan tadi mah aya
anu béda, ma'mumna nambahan saurang. "Asa inget dedeganana mah, asa kungsi nempo di
mana? Ras inget éta ma'mum téh budak anu mamanggul karung asup ka jero gang deukeut
imah Pa RT tadi beurang.
Rék ditanya geus kaburu kaluar budak téh duka léos ka mana. Tuluy kuring ogé kaluar
ti masigit. Kokotéténgan kuring néangan sendal di sabudeureun masigit ngan tetep sendal téh
teu kapanggih. Ras inget deui ka budak nu kakara solat di masigit. "Euh milu solat subuh téh
rék maling sendal, padahal ceuk kuring mah nya, rék maling sendal mah ulah api-api solat
subuh. Handeueul, da éta téh sendal alus paméré ti Ema basa rék poéan lebaran. Meulina ogé ti
Bandung cenah, da di Ciamis mah euweuh." "Keun wé sendal mah bisa kabeuli deui,
mendingan ayeuna mah balik bisi kabeurangan sakola." Apa ngarerema bari ngajak meuntas
ka imah.
"Kuring rada keuheul ka éta budak, mun aya rék ditéwak ditanya kamanakeun éta
sendal kuring?" Ngan hanjakal euweuh nu apal éta budak cicingna di mana, tapi geuning poé
harita aya di deukeut imah pa RT?"
Poé Rebo anu biasana kuring balik jam opat, ayeuna mah jam 12 ogé geus bubar
sakola, da cenah guruna rék rapat. Atoh keur kuring jeung babaturan mah bisa balik beurang
kénéh. Sorangan balik téh da batur mah rék ngamie ayam Mang Udin heula nu dagang di
hareupeun sakola. Sabot leumpang mapayan trotoar, tukangeun aya sora tinggedebut jiga aya
nu ragrag, dilieuk pék budak hideung téa labuh katinggang karung anu dipanggulna.
"Tah geuning manéh téh, kamanakeun sendal urang?
"Sendal naon A?"
Ulangan Ngadadak
Karya Wawan Agus Purnama
Peuting tadi di lembur kuring aya nu nanggap wayang. Kuring lalajo nepi ka tabuh tilu
subuh. Ramé tuda, lalakonna pikaresepeun. Katambah dalangna geus kasohor.
Teu inget saeutik ogé lamun isuk téh kudu sakola. Da sasarina mah ari aya lalajoaneun
téh sok malem Minggu. Éta ogé hudang sotéh digeuingkeun ku Ema.
“Ujang, naha moal sakola?”
Kuring ngoréjat. Rét kana jam, geus satengah tujuh. Gesat-gesut ka cai. Teu mandi-
mandi acan, da sieun kabeurangan.
Di jalan mani geus coréngcang. Anu arindit sakola kari hiji-dua. Biasa wé, barudak
anu rada ngedul.
Datang ka sakola téh geus méh asup. Alhamdulillah, untung teu kabeurangan ogé.
Telat lima menit waé, geus pasti moal bisa asup ka kelas. Lamun kapanggih ku guru, tangtu
bakal disetrap. Ditangtungkeun hareupeun kelas. Éra temen. Dilalajoan ku babaturan.
Teu kaburu ulin, da barang lol gé ka kelas, loncéng tanda asup kaburu disada. Gék
diuk. Buku matématika dikaluarkeun. Diténjoan bisi aya PR anu can dipigawé. Ah, euweuh
geuning. Jongjon haté téh. Cacak mun aya, cilaka dua welas.
Keur kitu, guru matématika asup ka kelas. Sanggeus barudak ngucapkeun salam, tuluy
ngadunga heula babarengan. Terus diabsén hiji-hiji. Aya duaan anu absén téh. Si Udin jeung
Si Yanto. Pasti maranéhna ogé kabeurangan, da peuting téh sarua lalajo jeung kuring.
“Ayeuna sok kaluarkeun keretas salambar!” pokna.
“Pa, da ayeuna mah teu aya ulangan,” Si Réni, murid anu pangwantérna di kelas
kuring, kadéngé nyelengkeung tarik naker
“Pokona mah ayeuna ulangan. Titik!”
Ih sok api-api teu apal, kalah malik nanya, sendal nu di masigit nu dibawa ku manéh."
"Maksadna kumaha, abdi teu ngartos?
Beungeut kuring beureum bakat ku keuheul. Saacan nuluykeun ambek, kadangu sora
budak, "A, A, A" Sihoréng budak anu umurna kira-kira 4 taunan nyampeurkeun ka budak
hideung tadi.
"A, tos nyandak sangu téh?"
"Deudeuh teuing henteu, da Aa teu acan réngsé nganteurkeun béasna." Kuring ukur
ngahuleng nempo hareupeun aya budak nu keur silihtémpas. "Punten A tipayun." Maranéhna
ninggalkeun kuring nu keur ngadeg bari ngahuleng kénéh. Kuring milu nuturkeun.
Bréh saung hateupna tina plastik urut, dihalangan maké kardus diamparan samak
butut.
Dijero ngan saukur aya samping kebat anu geus lila teu diseuseuh, nepi ka corakna teu kaciri
gambar naon. Tah saung téh perenahna di tukangeun imah kuring, kahalangan ku kebon salak.
Sajongjonan kuring ngadeg, teu karasa cai panon geus maseuhan leungeun. Kuring buru-buru
balik ka imah
Hén, ieu sendal ti Dani, nyebatna nuju subuh mulih tipayun, nganggé sendal Héndi"
Segruk kuring ceurik dina tangkeupan Ema. "Ema, wios Héndi ngajak réréncangan ka bumi
tapi aralit kénéh?" satarabasna kuring medarkeun nu geus kaalaman poé harita. Ema unggeuk
bari ngusapan sirah.
Teks Carpon 2
B. Konseptual
1. Wangenan Carita Pondok
Carita pondok atawa carpon téh wangun karangan dina basa lancaran (prosa). Carita
pondok téh carita rékaan (fiksi) tina tingkah laku manusa anu nyaritakeun kahirupan
masarakat atawa manusa sapopoé anu méré kesan lir enya-enya kajadian. Eusina biasana
teu leupas tina ajén atikan jeung moral pikeun pieunteungeun atawa picontoeun hususna
anu macana. Disebut carpon téh lantaran mémang caritana pondok. Sanajan kitu, ari
lalakonna mah tamat sacaritaeun.
Galur
Galur atawa plot téh nyaéta runtuyan kajadian anu ngawangun jalan carita. Éta
runtuyan carita téh bisa diwujudkeun ku runtuyan waktu bisa ogé ku runtuyan sabab-
akibat. Galur diwangun ku sababaraha unsur, nyaéta:
a. Oriéntasi (bubuka atawa manggalasastra), anu eusina ngawanohkeun anu rék
ngalalakon katut kasang tukang séjénna anu dianggap perlu.
b. Konflik (muncul masalah), anu nyoko kana masalah anu bisa timbul antara tokoh
utama jeung tokoh lianna, jeung lingkunganana, atawa anu timbul ti diri tokoh
utamana sorangan.
c. Klimaks (masalah muncer), anu nyoko kana masalah anu mimiti beuki rekah
atawa beuki loba.
d. Anti-klimaks (ngaréngsékeun masalah), anu nyoko kana masalah nu aya mimiti
diréngsékeun. Carana ogé bisa rupa-rupa, luyu jeung tungtutan carita. Upamana
baé ku ngaleungitkeun hal anu jadi masalah téa.
e. Pungkasan carita, mangrupa tungtung carita.
Henteu salawasna galur carita téh ngaguluyur saperti kitu, sabab diluyukeun jeung
tujuan anu hayang dihontal ku pangarang. Ku kituna, aya rupa-rupa galur carita, di
antarana waé:
a. Galur mérélé (alur maju) nyaéta galur carita anu ngaguluyur ti bagian ka bagian,
ti mimiti orientasi nepi ka pungkasan carita.
b. Galur bobok tengah (alur campuran) nyaéta galur carita anu teu ngaguluyur ti
bagian ka bagian. Bisa langsung kana konflik atawa anti klimaks, karak kana
oriéntasi anu dituluykeun kana pungkasan carita.
c. Galur mundur (alur mundur/flashback) nyaéta galur carita anu dimimitian ku
bagian pamungkas. Bagian saterusna mangrupa runtuyan kajadian anu
nerangkeun atawa jadi oriéntasi kana pungkasan carita anu geus diheulakeun téa.
Palaku
Palaku atawa tokoh carita nyaéta ngaran-ngaran anu ngalalakon dina carita.
Loba saeutikna palaku gumantung kana kabutuh carita caritana baé. Umumna palaku
dina carpon mah saeutik.
Dumasar kana kalungguhanana dina carita, palaku téh aya nu disebut palaku
utama, jeung palaku tambahan. Palaku utama nyaéta palaku anu jadi puseur carita
sedengkeun palaku tambahan nyaéta palaku anu nimbulkeun masalah atawa mantuan
ngaréngsékeun masalah anu karandapan ku palaku utama.
Sanajan ukur ciciptan (fiksi), palaku téh hirup sakumaha ilaharna manusa
biasa. Di antarana boga pasipatan atawa karakter anu tangtu. Pikeun ngagambarkeun
watek tokoh, biasana pangarang ngagunakeun dua téhnik, nyaéta téhnik pedaran
jeung téhnik ragaan. Dina téhnik pedaran digambarkeun kalawan langsung tur wincik
ngeunaan tokoh carita saperti jatidir, sipat, watek, paripolah, malah ciri warugana.
Dina téhnik ragaan digambarkeun watek tokoh ku cara teu langsung saperti
ngaliwatan paguneman tokoh.
Latar
Latar atawa setting mangrupa latar kajadian dina karya fiksi. Latar téh aya dua
rupa nyaéta latar tempat jeung latar waktu. Latar tempat nuduhkeun dimana
kajadianana, ari latar waktu mah nuduhkeun iraha kajadianana.
Puseur Sawangan
Puseur sawangan, nyaéta cara atawa sawangan anu dipaké ku pangarang
minangka sarana pikeun midangkeun tokoh, tindakan, latar, jeung peristiwa nu
ngawangun carita dina carpon. Aya rupa-rupa puseur sawangan, nyaéta:
(1) Puseur sawangan jalma kahiji “kuring”. Aya “kuring” tokoh utama jeung aya
“kuring” tokoh tambahan.
(2) Puseur sawangan jalma katilu “manéhna”. Aya “manéhna” sarwanyaho jeung aya
“manéhna” kawatesanan salaku panitén. Bisa waé ngagunakeun ngaran jalma.
Amanat
Amanat nyaéta gagasan anu ngadadasaran karya sastra, pesen anu hayang
ditepikeun ka nu maca. Amanat téh aya nu nyamuni dina alur carita, aya ogé anu
dibéjakeun langsung. Pikeun mikanyaho amanat hiji carita, urang kudu maca éta
carita nepi ka réngsé. Amanat nyarankeun ajaran moral atawa hadé-goréng anu bisa
ditarima umum perkara kalakuan, sikep, kawajiban, ahlak, budi pekerti, jeung susila.
DAPTAR PUSTAKA
Sudaryat, Yayat. Hadiansah, Déni. 2017. Panggelar Basa Sunda Pikeun Murid
SMA/SMK/MA/MAK Kelas XI. Jakarta: Erlangga.
Nurlina, Rina, Spk. 2020. Modul Pangajaran Basa Sunda Pikeun Siswa
SMA/MA/SMK/MAK Kelas XI Semester 1. Depok: CV Bina Pustaka.
MEDIA AJAR
3. Plifbook.
1. Slide Powerpoint
2. Plifbook
https://www.flipbookpdf.net/web/site/
961f101f6d1348ad36f040709e6f325893287236202110.pdf.html
3. Media visual (Contoh teks Carpon)
LEMBAR KERJA PESERTA DIDIK
I. Pituduh Pancén
1. Baca teks carpon “Ulangan Ngadadak” ngaliwatan media Plifbook anu dishare linkna dina
Google Classroom.
2. Analisis unsur instrinsikna tina éta carpon.
3. Tulis jawaban hidep kalayan maké format saperti conto di handap.
II.
Konci
Jawaban
No Unsur Intrinsik Jawaban
1 Téma Atikan
2 Palaku & Watek a. Kuring: pohoan
b. Ema : bageur
c. Guru : Tegas
d. Udin & Yanto : kedul
e. Réni : wanter
3 Latar a. Latar Tempat:
- Lembur Kuring,
- Imah
- Kamar
- Cai (WC)
- Jalan
- Sakola
- kelas
b. Latar Waktu:
- Peuting
- Isuk
- Beurang
c. Latar Kaayan/ suasana
- Ramé
- Tiiseun
- Jempling
4 Galur Galur bobok tengah (campuran)
5 Puseur Sawangan Puseur sawangan jalma kahiji “kuring”
6 Amanat Gumantung jawaban siswa
INSTRUMEN PENILAIAN
1. Sikap
Tabel Penilaian Sikap (format centang)
Aspek Perilaku
Kerj Total
No Nama Siswa Tanggung Predikat
Religius a Disiplin skor
jawab
sama
1.
2.
3.
4.
5.
6.
7.
8.
9.
10.